PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Bilangan 23:19
    Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
    • 19 Allah mah tara ngabohong cara jelema,+

      Tara robah pikiran* kawas manusa.+

      Mun jangji, pasti ngajadi.

      Mun nyabda, pasti laksana.+

  • 1 Samuél 2:31-34
    Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
    • 31 Bakal datang mangsana Kuring ngaleungitkeun kakuatan* manéh jeung kakuatan kulawarga karuhun manéh, supaya euweuh nu umurna panjang di kulawarga manéh.+ 32 Waktu urang Israél ngarasakeun kahadéan Kuring, manéh mah bakal ningali saingan manéh aya di imah Kuring.+ Di kulawarga manéh moal aya nu umurna panjang. 33 Turunan manéh, nu masih kénéh ngalalayanan di mézbah Kuring, bakal ngalantarankeun panon manéh teu awas jeung ngalantarankeun manéh sedih pisan, ari kalolobaan ti kulawarga manéh bakal paéh ku pedang.+ 34 Supaya manéh nyaho yén omongan Kuring téh bener, Kuring rék méré tanda ieu: Dua anak manéh, Hofni jeung Pinéhas, bakal maot dina poé nu sarua.+

  • Yésaya 55:10, 11
    Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
    • 10 Hujan jeung salju nu turun ti langit

      Moal balik deui ka asalna saacan maseuhan bumi, ngajadikeun pepelakan sirungan jeung tumuwuh,

      Sarta ngahasilkeun binih pikeun disebar jeung dahareun pikeun didahar.

      11 Nya kitu ogé ucapan tina biwir Kuring,+

      Éta moal balik deui tanpa hasil,+

      Tapi bakal laksana sakumaha nu dikersakeun* ku Kuring.+

      Sakabéh nu diparéntahkeun ku Kuring moal gagal.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun