3 Kuring geus ngarasakeun welas asih Allah nu taya bandingna,* jadi ayeuna kuring rék mapatahan aranjeun supaya ulah ngarasa diri leuwih ti kaayaan nu sabenerna.+ Ngukur diri téh kudu sakumaha ayana, luyu jeung iman nu dibikeun ku Allah ka aranjeun masing-masing.+
20 Kuring sieun, bisi waktu ka ditu téh aranjeun teu kawas nu dipiharep ku kuring, kuring gé teu kawas nu dipiharep ku aranjeun. Kuring sieun aya nu paséa, sirik, ambek, pagétréng, ngagogoréng batur, ngagosip,* sombong, jeung raribut.
9 Kuring pernah nulis surat ka aranjeun nu aya di sidang jamaah, tapi Diotréfés nu hayang jadi pamingpin di antara aranjeun+ nyapirakeun sagala omongan abdi sadaya.+