Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar Topik-Topik Utama Siloka SILOKA TOPIK-TOPIK UTAMA 1 Tujuan paribasa-paribasa ieu (1-7) Bahayana pergaulan goréng (8-19) Kabijaksanaan nu sajati ngageroan di jalan (20-33) 2 Kabijaksanaan téh gedé mangpaatna (1-22) Téang kabijaksanaan lir néangan harta pependeman (4) Asak pikir téh bisa ngalindungan (11) Lampah cabul téh nyilakakeun (16-19) 3 Sing bijaksana, sing percaya ka Yéhuwa (1-12) Sing hormat ka Yéhuwa, baktikeun pangaboga (9) Jalma bijaksana téh bagja (13-18) Jalma bijaksana téh hirupna aman (19-26) Kudu hadé ka batur (27-35) Mun sanggup, tulungan batur (27) 4 Papatah nu bijaksana ti saurang bapa (1-27) Leuwih ti sagalana, beunangkeun kabijaksanaan (7) Jauhan jalanna jalma jahat (14, 15) Jalanna jalma bener téh beuki caang (18) ”Jaga haté manéh” (23) 5 Pépéling pikeun ngajauhan awéwé bangor (1-14) Senang-senang jeung pamajikan manéh (15-23) 6 Kudu ati-ati mun ngajamin hutang batur (1-5) ”Hé nu kedul, tuh tempo sireum” (6-11) Jalma nu jahat jeung nu hirupna euweuh gunana (12-15) Tujuh perkara nu dipikageuleuh ku Yéhuwa (16-19) Kudu ati-ati ka awéwé jahat (20-35) 7 Cekel pageuh paréntah ti Allah ngarah terus hirup (1-5) Jajaka nu polos kagoda (6-27) ”Lir sapi nu ditungtun rék dipeuncit” (22) 8 Kabijaksanaan saolah-olah keur ngomong (1-36) ’Kuring téh nu pangheulana di antara hasil karya Allah’ (22) ’Kuring digawé nyarengan Allah jadi tukang nu ahli’ (30) ’Kuring téh resep ka manusa’ (31) 9 Kabijaksanaan nu sajati ngageroan jalma-jalma (1-12) ’Lamun boga kabijaksanaan, manéh bakal panjang umur’ (11) Awéwé bodo ngageroan jalma-jalma (13-18) ”Cai beunang maling téh karasana meni amis” (17) PARIBASA SULAÉMAN (10:1–24:34) 10 Budak bijaksana, bapa bungah (1) Nu getol bakal beunghar (4) Mun loba ngomong, pasti aya salahna (19) Nu ngabeungharkeun téh berkah ti Yéhuwa (22) Nu hormat ka Yéhuwa téh panjang umur (27) 11 Nu rendah haté téh bijaksana (2) Omongan jalma murtad téh matak batur binasa (9) ”Mun loba jurunaséhat mah hasilna pasti alus” (14) Nu béréhan bakal makmur (25) Nu ngandelkeun kakayaan bakal meunang musibat (28) 12 Nu teu boga pikiran mah embung dibéré naséhat (1) ”Omongan nu teu dipikir heula téh lir pedang nojos” (18) Nu resep rukun bakal gumbira (20) Yéhuwa mikangéwa ka nu sok ngabohong (22) Ku kahariwangan, jalma pegat harepan (25) 13 Nu ménta naséhat téh bijaksana (10) Haté nalangsa lamun nu diarep-arep can laksana (12) Utusan nu satia matak reugreug kana haté (17) Babarengan jeung jalma bijaksana tangtu bijaksana (20) Didikan téh tanda kanyaah (24) 14 Kasedih ngan bisa dirasakeun sorangan (10) Jalan nu katingalina bener bisa waé brasna kana maot (12) Nu polos téh percaya kana sagala omongan (15) Nu beunghar mah loba babaturanana (20) Haté nu tenang matak séhat kana awak (30) 15 Jawaban nu lemah lembut nyirnakeun amarah (1) Soca Yéhuwa ningali sagala hal (3) Doa jalma bener nyukakeun Allah (8) Mun teu dibadamikeun, rencana gagal (22) Méméh ngajawab téh pikir heula (28) 16 Yéhuwa mariksa niat haté (2) Percayakeun sagalana ka Yéhuwa (3) Timbangan nu bener téh asalna ti Yéhuwa (11) Adigung balukarna ancur (18) Huis téh lir makuta nu éndah (31) 17 Ulah ngabales kahadéan ku kajahatan (13) Geuwat indit méméh paséa (14) Sobat sajati salawasna némbongkeun kanyaah (17) ”Haté nu gumbira téh ubar nu mujarab” (22) Nu boga pangarti téh mikir heula saacan ngomong (27) 18 Nu resep nyorangan téh mentingkeun diri jeung teu bijaksana (1) Nami Yéhuwa lir bénténg nu tohaga (10) Harta banda téh ngan saukur bénténg dina pamikiran (11) Nu bijaksana mah ngadéngékeun carita ti dua pihak (17) Aya babaturan nu leuwih raket tibatan dulur (24) 19 Nu asak pikir téh teu gancang ambek (11) Pamajikan nu resep paséa téh lir hateup bocor (13) Pamajikan nu bijaksana téh kurnia ti Yéhuwa (14) Budak téh kudu diwarah meungpeung aya kénéh harepan (18) Nu daék dipapatahan tangtu bijaksana (20) 20 Nu loba teuing nginum cianggur jadi resep moyokan (1) Nu kedul embung ngawuluku mun cuacana goréng (4) Pipikiran jelema ibarat cai dina sumur nu jero (5) Pépéling sangkan jalma teu rurusuhan ngucap jangji (25) Nu diagulkeun ku budak ngora téh tanagana (29) 21 Haté raja diarahkeun ku Yéhuwa (1) Ngalampahkeun nu adil leuwih hadé tibatan méré korban (3) Mun getol, pasti untung (5) Nu embung ngadéngékeun jalma leutik, engkéna moal didéngé (13) Euweuh kabijaksanaan nu bisa ngalawan kahayang Yéhuwa (30) 22 Ngaran seungit leuwih hadé tibatan kabeungharan (1) Mun ti bubudak geus dilatih, mangpaatna karasa salilana (6) Nu kedul sieun ku singa di luar (13) Kabodoan bisa disingkirkeun ku didikan (15) Nu tarampil bakal digawé keur para raja (29) 23 Ulah hawek mun aya nu méré (2) Ulah ngudag kabeungharan (4) Kabeungharan téh bisa hiber (5) Ulah nginum loba teuing cianggur (20) Alkohol bisa macok kawas oray (32) 24 Ulah sirik ka nu jahat (1) Rumah tangga dibangun ku kabijaksanaan (3) Jalma bener bisa waé tibeubeut, tapi bakal hudang deui (16) Ulah ngabales kajahatan batur (29) Nu saré waé bakal miskin (33, 34) PARIBASA SULAÉMAN NU DISALIN KU BAWAHANANA RAJA HIZKIA (25:1–29:27) 25 Jaga rasiah (9) Milih kekecapan nu hadé (11) Ngahargaan urusan batur (17) Ngaleuleuykeun musuh (21, 22) Béja hadé ibarat citiis (25) 26 Ciri jalma kedul (13-16) Ulah pipilueun mun batur paséa (17) Mun heureuy, ulah teungteuingeun (18, 19) Euweuh suluh, euweuh seuneu (20, 21) Omongan tukang pitnah jiga dahareun ngeunah (22) 27 Naséhat ti sobat téh aya mangpaatna (5, 6) Anaking, senangkeun haté Bapa (11) Beusi diasah ku beusi (17) Kudu nyaho ka ingon-ingon manéh (23) Kakayaan moal salilana aya (24) 28 Jalma nu teu taat, doana dipikageuleuh ku Allah (9) Nu ngaku dosa bakal dipikawelas (13) Nu hayang gancang beunghar pasti nyieun kasalahan (20) Ngélingan batur leuwih hadé tibatan muji-muji (23) Nu daék barang béré moal kakurangan (27) 29 Budak nu diantep sakarepna bakal ngérakeun (15) Mun teu ditungtun ku Allah, jalma bakal mawa karep sorangan (18) Nu gancang ambek nyiar-nyiar pipaséaeun (22) Nu rendah haté bakal dimulyakeun (23) Sieun ku manusa téh jiret (25) 30 PITUTUR AGUR (1-33) Ulah diantep miskin atawa dipasihan beunghar (8) Perkara-perkara nu teu pernah ngarasa cukup (15, 16) Perkara-perkara nu teu kaharti (18, 19) Awéwé nu sok salingkuh (20) Sasatoan nu kacida bijaksanana (24) 31 PITUTUR RAJA LÉMUÉL (1-31) Saha nu bisa meunangkeun pamajikan nu tarampil? (10) Saregep jeung getol digawé (17) Ngomongna lemah lembut (26) Dipuji ku barudak jeung salakina (28) Kageulisan bisa leungit (30)