PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es19 kaca 26-36
  • Maret

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Maret
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé​—2019
  • Subjudul
  • Jumaah, 1 Maret
  • Saptu, 2 Maret
  • Minggu, 3 Maret
  • Senén, 4 Maret
  • Salasa, 5 Maret
  • Rebo, 6 Maret
  • Kemis, 7 Maret
  • Jumaah, 8 Maret
  • Saptu, 9 Maret
  • Minggu, 10 Maret
  • Senén, 11 Maret
  • Salasa, 12 Maret
  • Rebo, 13 Maret
  • Kemis, 14 Maret
  • Jumaah, 15 Maret
  • Saptu, 16 Maret
  • Minggu, 17 Maret
  • Senén, 18 Maret
  • Salasa, 19 Maret
  • Rebo, 20 Maret
  • Kemis, 21 Maret
  • Jumaah, 22 Maret
  • Saptu, 23 Maret
  • Minggu, 24 Maret
  • Senén, 25 Maret
  • Salasa, 26 Maret
  • Rebo, 27 Maret
  • Kemis, 28 Maret
  • Jumaah, 29 Maret
  • Saptu, 30 Maret
  • Minggu, 31 Maret
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé​—2019
es19 kaca 26-36

Maret

Jumaah, 1 Maret

Sing silih hormatan, batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan.​—Pil. 2:3.

Naha aya jalma di sidang nu pernah nganyenyeri Sadérék? Lamun teu dilawan, parasaan négatif éta bakal tetep aya. Numutkeun Alkitab, Sadérék bisa nguatkeun hubungan jeung batur, malahan jeung musuh, ku cara akuan ka sémah. (Sil. 25:21, 22) Sadérék bisa ngaleungitkeun parasaan négatif sarta leuwih akur ka hiji jalma ku cara ngondang manéhna ka imah. Sadérék bisa jadi mulai ningali sipat-sipat hadé manéhna, nu ditingali ku Yéhuwa basa narik manéhna ka bebeneran. (Yoh. 6:44) Lamun kanyaah ngageuing Sadérék pikeun ngondang hiji jalma nu teu nyangka bakal diondang, sosobatan bisa kajalin. Kumaha carana mastikeun yén urang dijurung ku kanyaah? Salah sahijina nyaéta ngalarapkeun naséhat dina ayat poé ieu. Urang kudu mikirkeun dina hal naon waé dulur saiman urang téh leuwih hadé ti urang. Bisa jadi iman, katabahan, atawa sipat-sipat Kristen maranéhna bisa diconto ku urang. Ku cara mikirkeun sipat-sipat hadéna, urang bakal leuwih nyaah jeung leuwih gampang pikeun ngondang maranéhna. w18.03 19 ¶18-19

Saptu, 2 Maret

[Yéhuwa] henteu hoyong aya jelema anu cilaka saurang-urang acan.​—2 Pet. 3:9.

Pikeun sababaraha kolot, salah sahiji cocoba panghéséna pikeun taat ka Yéhuwa téh waktu budakna dipecat. Hiji sadérék istri nu budak awéwéna dipecat jeung kaluar ti imah nyarita, ”Abdi néangan bahan ti publikasi nu bisa ngadukung kahayang abdi pikeun panggih jeung budak tur incu abdi.” Tapi, manéhna dibantu ku salakina pikeun paham yén budakna téh lain tanggung jawab maranéhna deui jeung maranéhna kudu tetep satia ka Yéhuwa. Sababaraha taun sanggeusna, budakna ditarima deui ka sidang. Indungna nyarita, ”Manéhna ngajénan pisan ka abdi jeung pun lanceuk lantaran nyaho abdi duaan taat ka Allah.” Lamun budak Sadérék dipecat, naha Sadérék bakal ”temen ngandel ka PANGERAN”? Naha Sadérék moal ”ngandelkeun kanyaho sorangan”? (Sil. 3:5, 6) Sing percaya yén disiplin jeung bingbingan Yéhuwa téh bener. Sing tetep taat sanajan Sadérék ngarasa peurih haté. Regepkeun disiplin Allah, ulah dilawan. w18.03 30 ¶12-13

Minggu, 3 Maret

Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid.​—Mat. 28:19.

Alkitab teu nyebutkeun watesan umur saurang jalma bisa dibaptis. Dina basa Yunanina, frasa ”jaradikeun murid” dina Mateus 28:19 ngamaksudkeun paréntah pikeun ngajar saurang jalma dibarengan ku tujuan sangkan manéhna jadi murid. Murid téh hartina saurang jalma nu diajar jeung paham kana pangajaran Yésus sarta hayang taat ka anjeunna. Jadi, kolot kudu ngajar budakna ti barang lahir bari boga tujuan ngabantu budakna ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung jadi murid Kristus. Tangtu orok mah can siap pikeun dibaptis. Tapi dina Alkitab, aya budak ngora nu bisa ngarti jeung nyaah kana bebeneran Alkitab. Misalna ti ngongora, Timoteus geus jadi murid jeung ngabaktikeun diri ka Yéhuwa. Timoteus boga iman nu kuat. (2 Tim. 1:5; 3:14, 15) Bisa jadi umurna manéhna kira-kira 20 taun basa nyumponan sarat pikeun narima tugas husus di sidang.​—Ras. 16:1-3. w18.03 10 ¶4-5

Senén, 4 Maret

Ganti kabeh ku hate jeung pikiran anu anyar.​—Epe. 4:23.

Waktu mimiti ngawula Allah, urang nyieun loba parobahan dina kahirupan. Sanggeus dibaptis, ulah eureun ngalampahkeunana. Lantaran teu sampurna, urang kudu terus ngarobah haté jeung pikiran. (Pil. 3:12, 13) Urang bisa ngalenyepan, ’Naha abdi geus ngarasa jadi jalma nu leuwih rohani? Naha abdi geus bener-bener nyonto Kristus? Naon nu ditémbongkeun tina sikep jeung laku lampah abdi di pasamoan? Tina obrolan abdi, naon nu disingkabkeun ngeunaan eusi haté abdi? Naon nu disingkabkeun ngeunaan diri abdi tina kabiasaan diajar Alkitab, cara papakéan jeung dangdanan, sarta sikep abdi lamun aya nu méré naséhat? Waktu aya godaan, naon nu dilakukeun ku abdi? Naha abdi geus jadi urang Kristen nu kuat rohanina?’ (Epe. 4:13) Jawaban urang nyingkabkeun sakumaha maju karohanian urang. w18.02 23 ¶4-5

Salasa, 5 Maret

Estu bagja bangsa anu Allahna [Yéhuwa].​—Jab. 144:15.

Urang hirup di jaman nu béda pisan jeung jaman séjénna di sapanjang sajarah. Yéhuwa nuju ngumpulkeun loba jalma ”campur ti sagala bangsa, kaom, seler bangsa, katut basa-basana”, sakumaha dinubuatkeun dina Alkitab. Ayeuna, geus aya leuwih ti dalapan juta jalma ”lir hiji bangsa” nu bagja ”beurang peuting ngawula ka Mantenna”. (Wahyu 7:9, 15; Yes. 60:22) Can pernah aya sakitu lobana jalma nu nyaah ka Allah jeung sasama. Tapi, Alkitab ogé nganubuatkeun yén di jaman urang, jalma-jalma nu teu nyobat jeung Allah bakal boga kanyaah nu nyimpang, nu mentingkeun diri. Rasul Paulus nulis yén dina ahir jaman, jalma-jalma bakal ”nyaah ka diri sorangan, nyaah kana duit”, jeung ”nyaah kana kasenangan lainna nyaah ka Allah”. (2 Tim. 3:1-4, NW) Kanyaah nu mentingkeun diri ieu patukang tonggong jeung kanyaah ka Allah. Kanyaah ieu malah ngahasilkeun dunya nu mentingkeun diri nu nyusahkeun batur. w18.01 21 ¶1-2

Rebo, 6 Maret

Ari nu ngesto ka PANGERAN mah ngarti enya-enya.​—Sil. 28:5.

Ku lantaran Nuh diajar ngeunaan Yéhuwa, manéhna jadi boga iman jeung hikmat ti Allah. Éta ngalindungan Nuh sangkan henteu ngalakukeun naon waé nu bisa nguciwakeun Yéhuwa. Kumaha carana? Nuh hayang jadi sobat Allah, ku kituna manéhna teu nyobat jeung jalma réa nu teu iman ka Yéhuwa jeung nolak Mantenna. Béda jeung maranéhna, Nuh teu katipu ku malaikat-malaikat jahat nu datang ka bumi. Loba jalma tajub ningali kakuatan para malaikat jahat, malahan nepi ka hayang nyembah maranéhna. (Kaj. 6:1-4, 9, 10) Nuh gé apal yén Yéhuwa hoyong manusa boga turunan jeung minuhan bumi. (Kaj. 1:27, 28) Jadi, basa para malaikat kawin jeung awéwé-awéwé di bumi sarta boga budak, Nuh apal éta téh salah. Éta beuki jelas basa barudakna tumuwuh jadi leuwih kuat ti batan barudak séjénna. Ahirna, Yéhuwa ngabéjaan Nuh yén Mantenna bakal ngadatangkeun caah pikeun numpes jalma-jalma jahat. Ku lantaran iman kana pépéling Allah, Nuh ngawangun bahtera sarta salamet bareng jeung kulawargana.​—Ibr. 11:7. w18.02 11 ¶8

Kemis, 7 Maret

Bisa jadi saperti ayeuna oge ngan ku karana rahmat Allah.​—1 Kor. 15:10.

Yéhuwa siap ngahampura dosa Sadérék sanajan éta téh dosa gedé. Mantenna hoyong mantuan Sadérék pikeun mulihkeun deui sosobatan jeung Mantenna. Tapi, Sadérék kudu narima bantuan ti Mantenna liwat para kokolot. (Sil. 24:16; Yak. 5:13-15) Ulah diengké-engké! Ieu nangtukeun hirup langgeng Sadérék! Tapi, kumaha lamun Sadérék tetep rumasa salah lila sanggeus dosa éta dihampura? Naon nu kudu dilakukeun? Paulus ogé pernah ngarasa leutik haté lantaran dosana nu baheula. Manéhna ngomong, ”Di antara rasul-rasul, sim kuring rumasa panghandapna, lantaran tadina jadi tukang nganiaya jamaah Allah.” (1 Kor. 15:9) Yéhuwa apal yén Paulus téh teu sampurna. Tapi, Mantenna tetep narimakeun sakumaha ayana, sarta hoyong Paulus yakin kana hal éta. Sadérék bisa yakin dihampura ku Yéhuwa lamun bener-bener ngarasa kaduhung jeung ngaku ka Yéhuwa, sarta ngaku ka kokolot sidang gumantung kana dosana. Sing yakin yén Sadérék geus dihampura ku Yéhuwa. Pék tarima pangampura-Na!​—Yes. 55:6, 7. w18.01 17-18 ¶17-18

Jumaah, 8 Maret

Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui.​—Yak. 4:8.

Pikeun jadi sobat Yéhuwa, urang kudu ngadéngékeun Yéhuwa jeung nyarita ka Mantenna. Cara utama pikeun ngadéngékeun Yéhuwa nyaéta diajar Alkitab. Ieu kaasup maca jeung ngalenyepan Firman Allah sarta publikasi Kristen. Tapi, diajar Alkitab téh béda jeung ngapalkeun palajaran pikeun ujian sakola. Ieu téh siga hidep keur pelesir tuluy manggihan hal-hal nu anyar ngeunaan Yéhuwa. Hidep jadi leuwih raket ka Allah, Mantenna gé jadi raket ka hidep. Organisasi Yéhuwa nyadiakeun loba bantuan pikeun palajaran pribadi hidep. Contona, di jw.org/id aya bagian ”Panduan Belajar” nu bisa mantuan hidep jadi leuwih kuat iman.​—Jab. 119:105. w17.12 23 ¶8-9

Saptu, 9 Maret

Di Sion, gunung PANGERAN nu suci sepi anu niat jail, moal aya anu niat jahat.​—Yes. 11:9.

Numutkeun nubuat Alkitab, ieu téh lantaran ”sakuliah tanah bakal pinuh ku kanyaho ka PANGERAN”. Sato teu bisa diajar ngeunaan Yéhuwa, jadi nubuat ieu téh lambang ngeunaan jalma-jalma nu geus ngarobah kapribadianana. (Yes. 11:6, 7) Loba dulur saiman urang nu baheulana bengis kawas ajag ayeuna mah jadi resep rukun. Pangalaman maranéhna bisa dibaca dina séri ”Alkitab Mengubah Kehidupan” nu aya dina jw.org/id. Di antara Saksi Yéhuwa ogé aya nu baheulana bengis tapi ayeuna geus ”jaradi manusa anyar anu diciptakeunana nurut tuladan Allah, hirup kudu bener, lempeng, suci”. (Epe. 4:23, 24) Sanggeus diajar ngeunaan Allah, maranéhna paham pentingna nuturkeun papakon-papakon Yéhuwa. Ieu ngabantu maranéhna ngarobah kapercayaan, cara pikir, jeung lalampahanana. Parobahan ieu téh teu gampang, tapi roh suci Allah bisa ngabantu jalma-jalma nu hayang nyukakeun Mantenna. w18.01 31 ¶15-16

Minggu, 10 Maret

Masing-masing [dihirupkeun] kudu nurutkeun giliranana.​—1 Kor. 15:23.

Numutkeun Alkitab, jalma-jalma nu dihirupkeun ka sawarga ”masing-masing kudu nurutkeun giliranana”. Jadi, urang bisa yakin yén pihudangeunana nu maot di bumi ogé bakal diatur kalayan tartib. Bisa jadi kapikir ku urang: Naha nu maot di jaman urang bakal dihudangkeun teu lila sanggeus Pamaréntahan Sarébu Taun Kristus dimimitian, jeung dibagéakeun ku jalma-jalma nu wanoh ka maranéhna? Naha hamba-hamba Allah nu satia di jaman baheula nu bisaeun mingpin bakal dihudangkeun ti heula sangkan bisa milu ngaorganisasi umat Allah? Kumaha jeung jalma-jalma nu teu pernah ngawula Yéhuwa? Iraha jeung di mana maranéhna bakal dihirupkeun deui? Loba kénéh nu bisa ditanyakeun. Tapi, ayeuna urang teu kudu ngahariwangkeun éta. Leuwih alus urang sabar ngadagoan. Urang bakal tajub ningali carana Yéhuwa ngalaksanakeun hal ieu. Ayeuna, urang kudu terus nguatkeun iman ka Yéhuwa. Liwat Yésus, Mantenna jangji yén nu maot bakal diémut jeung bakal dihirupkeun deui.​—Yoh. 5:28, 29; 11:23. w17.12 14 ¶20-21

Senén, 11 Maret

Para wanita anu rumah tangga sing ngesto ka salaki. Eta kawajiban umat Kristus. Salaki-salaki sing nyaraah ka pamajikan, ulah kasar. Barudak umat Kristus, maraneh salawasna kudu nurut ka kolot.​—Kol. 3:18-20.

Kumaha naséhat ieu bisa mantuan kulawarga Sadérék? Yéhuwa nyarios ka para salaki, ”Sing nyaraah ka pamajikan, ulah kasar.” Salaki nu nyaahan bakal ngajénan pamajikanana ku cara ngadéngékeun omonganana jeung ngayakinkeun yén éta téh penting keur dirina. (1 Pet. 3:7) Sanajan teu bisa ngalaksanakeun kabéh saran pamajikanana, salaki bakal nyieun putusan nu leuwih hadé lamun ngadéngékeun saranna. (Sil. 15:22) Salaki nu nyaahan bakal upaya sangkan diajénan lainna maksa diajénan ku pamajikanana. Lamun salaki mikanyaah pamajikan jeung barudakna, kulawarga bakal bagja ngawula Yéhuwa sarta meunangkeun pahala kahirupan. w17.11 30 ¶12; 31 ¶15

Salasa, 12 Maret

Sing ati-ati, ulah kapikat ku palsapah-palsapah manusa anu taya mangpa’atna tur matak nyasabkeun.​—Kol. 2:8.

Rasul Paulus nulis surat keur urang Kristen di Kolosa basa manéhna dipanjara di Rum kira-kira taun 60-61 M. Paulus ngajelaskeun naon sababna maranéhna kudu ”ngarti enya-enya kana pangersa [Allah]”. (Kol. 1:9) Ceuk Paulus, ”Ku hal eta aranjeun ulah beunang kaolo ku batur, sanajan jelemana siga kacida hadena oge. Sing ati-ati, ulah kapikat ku palsapah-palsapah manusa anu taya mangpa’atna tur matak nyasabkeun, anu asalna tina papahaman manusa jeung ti roh-roh di jagat raya, lain ti Kristus.” (Kol. 2:4, 8) Tuluy Paulus ngajéntrékeun naon sababna sababaraha pandangan nu umum téh salah jeung ku naon éta dipikaresep ku loba jalma. Misalna, aya nu resepeun lantaran manéhna jadi katingali pinter atawa leuwih hadé ti batur. Jadi, Paulus nulis surat pikeun ngélingan dulur-dulurna sangkan nyingkahan cara pikir dunya jeung nolak lalampahan nu salah.​—Kol. 2:16, 17, 23. w17.11 21 ¶1

Rebo, 13 Maret

Leungeun atawa suku maraneh lamun nu hiji pidosaeun mah teukteuk bae, piceun!​—Mat. 18:8.

Naon nu kudu dikorbankeun ku urang Kristen sangkan narima welas asih Yéhuwa? Manéhna kudu siap ngorbankeun hal-hal nu dipikaresep nu bisa ngalantarankeun dosa. (Mat. 18:9) Contona, lamun babaturan Sadérék mawa pangaruh goréng, naha Sadérék bakal eureun campur gaul jeung manéhna? Lamun Sadérék hésé ngadalikeun diri waktu nginum alkohol, naha Sadérék bakal nyingkahan kaayaan nu bisa ngajurung Sadérék loba teuing nginum? Lamun Sadérék ngarasa hésé ngadalikeun napsu séksual, naha Sadérék bakal nyingkahan film, situs Internét, atawa kagiatan nu ngalantarankeun pikiran nu rucah? Inget yén pangorbanan urang pikeun satia ka hukum Yéhuwa téh moal percumah. Teu aya nu leuwih peurih ti batan ngarasa ditinggalkeun ku Yéhuwa. Sarta, teu aya nu leuwih ngabungahkeun salian ti ngarasakeun Yéhuwa ”mikanyaah sapapanjangna”.​—Yes. 54:7, 8. w17.11 12 ¶12

Kemis, 14 Maret

Eta eusina panyapa . . . , [sabab] unggal bangsat bakal disingkirkeun.​—Jak. 5:3.

Di Jakaria 5:4, perhatikeun yén panyapa ti Allah bakal nyebar ”ka unggal imah bangsat” jeung ”terus aya di imah eta jelema-jelema, nepi ka imah-imahna rarubuh”. Jadi, Yéhuwa bisa ngungkabkeun jeung ngahukum kasalahan umat-Na. Sanajan maranéhna teu kanyahoan maok ku pulisi, dunungan, kokolot sidang, atawa indung bapa, tapi Yéhuwa mah apaleun. Ku Allah, éta kabéh bakal dibolékérkeun, boh nu leutik boh nu gedé. (Ibr. 4:13) Urang bungah bisa aya di antara jalma-jalma jujur nu ”salawasna bisa ngalampahkeun anu bener”. (Ibr. 13:18) Teu sual naon nu dipaokna, Yéhuwa dinyenyeri lamun éta dilampahkeun. Kahormatan pikeun urang bisa hirup saluyu jeung papakon Allah sarta ngajaga tingkah laku sangkan teu nyela nami Mantenna. Ku kituna, urang moal bakal dihukum bareng jeung jalma-jalma nu teu taat ka Allah. w17.10 16-17 ¶6-7

Jumaah, 15 Maret

Katunggalan anu diciptakeun ku Roh Allah teh piara sateka-teka, saratna nya eta kudu rukun sauyunan.​—Epe. 4:3.

Rukun jeung dulur saiman téh penting pisan. Sanajan aya batur nu salah sangka atawa teu adil ka urang, urang kudu satékah polah ngupayakeun rukun jeung maranéhna. (Rum 12:17, 18) Lamun urang nganyenyeri haté batur, urang kudu ménta hampura, iklas tina haté. Karukunan ogé penting hususna dina perkawinan. Teu alus lamun salaki pamajikan akur di hareupeun batur, tapi mun di imah mah pacicing-cicing, pasengor-sengor, malahan mah telenges. Urang ogé kudu réla ngahampura. Lamun aya nu nganyenyeri, urang bakal réla ngahampura jeung miceun kakeuheul urang. Urang bakal ngalakukeunana sanajan batur teu sadar geus nganyenyeri urang. Sangkan bisa iklas ngahampura, ulah nginget-nginget kasalahan batur. Kanyaah téh ”tara ngunek-ngunek ku kasalahan batur”. (1 Kor. 13:4, 5) Lamun urang ngunek-ngunek, hubungan urang jeung dulur saiman sarta Yéhuwa bisa ruksak.​—Mat. 6:14, 15. w17.10 7 ¶14-15

Saptu, 16 Maret

Bakal kanyahoan yen PANGERAN Nu Maha Kawasa anu ngutus kaula ka aranjeun teh.​—Jak. 6:15.

Naon pangaruhna titingalian Jakaria ka urang Yahudi harita? Yéhuwa jangji bakal mantuan jeung ngalindungan maranéhna pikeun ngaréngsékeun pangwangunan bait. Haté maranéhna tangtu jadi tengtrem. Sanajan kitu, maranéhna masih hamham, naha pagawéan ieu bisa réngsé ku saeutikan jalma? Jakaria nepikeun firman Yéhuwa supaya maranéhna teu sieun jeung hamham deui. Salian ti Héldai, Tobia, jeung Yédaya nu daratang pikeun mantuan maranéhna, bakal aya loba nu ”daratang, ngabantuan ngadegkeun deui Bait PANGERAN”. Urang Yahudi yakin Yéhuwa ngarojong pagawéan maranéhna. Maranéhna jadi wani jeung neruskeun pangwangunan bait sanajan masih aya larangan ti raja Pérsia. Larangan ieu téh siga gunung nu ngahalangan, tapi Yéhuwa bakal nyingkirkeunana. Ahirna, bait réngsé dina taun 515 SM. (Esra 6:22; Jak. 4:6, 7) Tapi, cariosan Yéhuwa éta laksana ogé kiwari. w17.10 26 ¶17

Minggu, 17 Maret

Sing pangger . . . Geura prung pigawe.​—1 Bab. 28:20.

Suléman boga tugas nu istiméwa. Manéhna dipilih Yéhuwa pikeun ngawangun bait di Yérusalém. Éta téh proyék pangwangunan nu pangpentingna! Bait éta ”kudu aheng” jeung kamashur kaéndahanana. Nu utamana, éta bakal jadi ”Bait GUSTI Allah”. (1 Bab. 22:1, 5, 9-11) Sanajan Raja Daud yakin yén Allah bakal ngabantu Suléman, Suléman téh ”budak keneh jeung can aya kanyahona”. Naha manéhna daék narima tugas ieu, atawa teu daékeun lantaran ngarasa ngora kénéh jeung teu boga pangalaman? Sangkan hasil, Suléman kudu kuat haté jeung prung digawé. Lamun Suléman teu kuat haté, manéhna bisa kuméok méméh dipacok, atawa kaéléhkeun ku kasieun jeung teu ngamimitian proyék. Éta téh leuwih parah ti batan gagal ngalaksanakeunana. Siga Suléman, urang butuh bantuan Yéhuwa sangkan kuat haté dina ngajalankeun tugas ti Mantenna. w17.09 27 ¶1-2; 28 ¶4-5

Senén, 18 Maret

Pangandika Allah urang mah umurna langgeng.​—Yes. 40:8.

Bakal kumaha hirup Sadérék lamun euweuh Alkitab? Moal aya bingbingan pikeun kahirupan Sadérék. Sadérék moal nyaho bebeneran ngeunaan Allah, kahirupan, atawa mangsa kahareup. Sadérék ogé moal nyaho naon nu dilakukeun ku Yéhuwa keur manusa baheula. Untungna, kaayaanana teu siga kitu. Yéhuwa masihan urang Firman-Na, Alkitab. Mantenna jangji éta bakal aya salalanggengna. Rasul Pétrus nyutat Yesaya 40:8. Sanajan ayat ieu teu langsung ngabahas ngeunaan Alkitab, tapi bisa dilarapkeun kana eusi Alkitab. (1 Pet. 1:24, 25) Mangabad-abad, loba nu geus ngupayakeun pikeun narjamahkeun Alkitab jeung nyebarkeunana sanajan hésé jeung loba tangtangan. Yéhuwa hoyong beuki loba jalma ”salamet sarta daraek narima ka nu sayakti”.​—1 Tim. 2:3, 4. w17.09 15 ¶1-2

Salasa, 19 Maret

Juragan istri, geureuhana. Paliyas abdi ngabales ku lampah anu sakitu kotorna tur matak dosa ka Allah?​—Kaj. 39:9.

Kiwari, loba budak ngora Saksi ngalaman gogoda nu siga Yusup, misalna Kim. (Kaj. 39:7) Babaturan sakelasna osok susumbar ngeunaan hubungan séks maranéhna di ahir minggu. Kim teu boga picaritaeun. Kim ngaku yén sakapeung manéhna jadi ngarasa anéh sorangan. Ceuk babaturanana, manéhna téh bodo lantaran teu bobogohan. Tapi, saenyana Kim téh bijaksana. Manéhna apal yén basa keur ngora, gogoda kana séks téh kuat pisan. (2 Tim. 2:22) Babaturanana osok nanya ka Kim naha manéhna parawan kénéh. Éta jadi kasempetan pikeun ngajelaskeun alesan manéhna henteu ngalakukeun hubungan séks. Urang reueus ka barudak ngora nu tékad pikeun nolak gogoda. Yéhuwa ogé tangtu reueus! w17.09 5 ¶8, 10

Rebo, 20 Maret

Ulah . . . panas hate, sabab ngan matak susah bae.​—Jab. 37:8.

Sababaraha jalma gedé ambek jeung osok ngomong kasar tur ngahina batur. Biasana, kulawargana jadi korban. Alkitab nyaram urang sangkan ulah ambek, ngomong kasar, jeung sentak sengor. (Epe. 4:31) Hal-hal ieu bisa ngalantarankeun katelengesan. Kiwari, jalma-jalma di dunya nganggap amarah jeung katelengesan téh jamak. Tapi, kalakuan sarupa kitu teu ngamulyakeun Nu Nyipta. Loba dulur urang kudu ngarobah lalampahanana jeung maké kapribadian nu anyar. (Kol. 3:8-10) Bohong téh bagian séjénna tina kapribadian nu heubeul. Contona, loba jalma ngabohong supaya teu mayar pajeg atawa teu kudu tanggung jawab kana kasalahanana. Tapi, Yéhuwa téh ”satuhu sarta saestu”. (Pam. 32:4) Ku kituna, Mantenna maréntahkeun sangkan sakabéh hamba-Na ”jujur” jeung ”ulah silih bohongan”. (Epe. 4:25; Kol. 3:9) Jadi, urang kudu jujur sanajan éta téh hésé jeung ngérakeun.​—Sil. 6:16-19. w17.08 16 ¶3, 5; 18 ¶12, 13; 20 ¶15

Kemis, 21 Maret

Naon bae sapangandikana gancang ngajadi.​—Jab. 147:15.

Kiwari, Yéhuwa ngabingbing urang ngagunakeun Alkitab. Ceuk nu nulis jabur, firman Yéhuwa téh ”gancang” ngabantu urang. Hartina, Allah siap masihan bingbingan rohani nu pas jeung pangabutuh urang. Pikirkeun mangpaat nu Sadérék tarima tina Alkitab, publikasi ti ”gandek satia jeung bijaksana”, JW Broadcasting, jw.org, para kokolot, jeung dulur saiman. (Mat. 24:45) Naha Sadérék pernah ngalaman yén Yéhuwa gancang ngabingbing Sadérék? Nu nulis jabur nyaho di antara sakabéh bangsa di dunya, Yéhuwa milih bangsa Israil kuno pikeun jadi umat-Na. Maranéhna téh hiji-hijina bangsa nu narima ”amanat” jeung ”parentah” Allah. (Jab. 147:19, 20) Kiwari, urang boga kahormatan nyandang nami Allah. Urang nganuhunkeun bisa wanoh tur raket ka Mantenna sarta bisa dibingbing ku Firman-Na. Saperti nu nulis Jabur 147, Sadérék boga loba alesan pikeun muji Yah jeung ngajurung batur pikeun ngalakukeun nu sarua. w17.07 19-20 ¶15-16, 18

Jumaah, 22 Maret

Prajurit anu hayang nyenangkeun hate kapalana, ngajalankeun tugasna teh moal bari nguruskeun sual-sual anu henteu patali jeung tugasna.​—2 Tim. 2:4.

Murid-murid Yésus kiwari, kaasup leuwih ti sajuta palayan sapinuh waktu, sabisa-bisa ngajalankeun naséhat Paulus dina ayat poé ieu. Maranéhna nolak gogoda ti iklan-iklan dunya ieu. Maranéhna inget kana prinsip: ”Anu nginjeum duit sok jadi budakna anu nginjeumkeun.” (Sil. 22:7) Sétan hayang urang méakkeun waktu jeung énergi dina sistim dagangna. Aya nu nginjeum loba duit pikeun mayar imah, mobil, sakola, atawa keur pésta kawin. Lamun teu ati-ati, urang bisa kabeulit hutang nepi ka mangtaun-taun. Urang ngagunakeun kapinteran akal lamun urang hirup basajan, nyingkahan hutang, jeung teu ngahambur-hambur duit. Ku kituna, urang bakal bébas ngawula Allah, moal jadi budakna sistim dagang dunya ieu.​—1 Tim. 6:10. w17.07 6 ¶13

Saptu, 23 Maret

Abdi nyepeng aturan-aturan Gusti, mikaijid kalakuan anu serong.​—Jab. 119:128.

Yéhuwa gaduh hak pikeun maréntah ieu dunya. Mantenna ngagunakeun wewenang-Na ku cara nu adil sampurna. Mantenna nyarios, ”Kanyaah Kami taya watesna, sarta Kami salawasna midamel nu bener jeung nu saenyana. Nya kalakuan kitu karesep Kami.” (Yer. 9:24) Yéhuwa teu perlu ningali heula aturan manusa pikeun nangtukeun mana nu bener. Justru Mantenna nu nyieun papakon ngeunaan nu bener. Dumasar kana kaadilana-Na nu sampurna, Yéhuwa masihan hukum-hukum ka manusa. Nu nulis jabur ngomong, ”Karajaan Gusti napak dina kaestuan sareng kaadilan.” Jadi, sagala hukum, prinsip, sarta putusan ti Yéhuwa salawasna bener. (Jab. 89:15) Sétan nuduh yén Yéhuwa lain Pangawasa nu adil. Tapi, malahan Sétan nu teu bisa mawa kaadilan di bumi. w17.06 22 ¶5

Minggu, 24 Maret

Nun PANGERAN Nu Maha Agung! . . . Pangandika Gusti sipat satuhu.​—2 Sam. 7:28.

Yéhuwa téh Sumbering bebeneran. (Pam. 32:4) Sabagé Bapa nu béréhan, Mantenna hoyong masihkeun bebeneran ieu ka urang. Nepi ka ayeuna, urang geus diajar loba bebeneran ku cara maca Firman-Na, publikasi, jeung ku cara hadir di kongrés tur pasamoan unggal minggu. Lila-lila, bebeneran ’simpenan’ urang beuki loba, ”boh nu anyar boh nu heubeul”. (Mat. 13:52) Yéhuwa bakal ngabantu urang pikeun nambahan ’sisimpenan’ lamun urang néangan bebeneran saperti néangan harta pependeman. (Sil. 2:4-7) Kumaha carana? Urang kudu rutin diajar jeung nalungtik Alkitab sarta publikasi. Ku cara kitu, urang bakal manggihan bebeneran ”anyar” nu urang kakara nyaho. (Yos. 1:8, 9; Jab. 1:2, 3) Urang kudu terus sumanget néangan leuwih loba bebeneran. w17.06 12-13 ¶13-14

Senén, 25 Maret

Maraneh, bakal daraek ngumaha ka Kami. Maraneh tangtu daratang mawa paneda, ku Kami ge tangtu dimakbul.​—Yer. 29:12.

Hiji sadérék ngora nu léngoh kénéh mikirkeun 1 Korinta 7:28 nu nyebutkeun yén nu geus nikah téh ”loba karepot [”kasangsaraan”, NW]”. Sadérék éta nanya ka hiji kokolot nu geus nikah, ”’Kasangsaraan’ naon ieu téh? Lamun nikah, kumaha abdi bisa nyanghareupanana?” Saméméh ngajawab, kokolot éta ménta supaya sadérék ieu mikirkeun hal séjén nu ditulis ku Rasul Paulus yén Yéhuwa ”ngalilipur simkuring ti sagala rupa kasukeran” atawa kasangsaraan. (2 Kor. 1:3, 4, SF) Urang nyaho yén Yéhuwa, Bapa urang, nyaah ka urang, jeung bakal ngalilipur urang lamun ngalaman kasusah. Sadérék bisa waé inget waktu Yéhuwa nguatkeun jeung ngabingbing Sadérék ku Firman-Na. Urang yakin yén Mantenna hoyong masihan nu panghadéna keur urang siga ka hamba-hamba-Na baheula.​—Yer. 29:11. w17.06 3 ¶1-2

Salasa, 26 Maret

PANGERAN rumaksa ka nu ngumbara.​—Jab. 146:9.

Sadérék-sadérék nu ngungsi teu ngan saukur butuh dahareun jeung pakéan, tapi ogé butuh panglilipur tina Alkitab jeung dukungan émosi. (Mat. 4:4) Para kokolot bisa méré bacaan dina basa maranéhna atawa ngontak sadérék-sadérék nu sarua basana. Ieu téh penting pisan lantaran para pangungsi geus ninggalkeun sagala nu geus dipikawanoh, jadi maranéhna sono ka kulawarga, lingkungan, jeung sidangna. Maranéhna perlu ngarasakeun yén Yéhuwa jeung dulur-dulur saimanna nyaah ka maranéhna. Lamun henteu, maranéhna bakal néangan bantuan ti jalma-jalma nu salembur tapi teu nyembah ka Yéhuwa. (1 Kor. 15:33) Ku cara mantuan maranéhna sangkan betah di sidang, urang sabilulungan jeung Yéhuwa dina ngalindungan ”nu ngumbara”. Para pangungsi téh aya nu teu bisa balik deui ka lemburna. Tapi, aya ogé nu embung balik. Pék lenyepan, ’Lamun kuring ngalaman nu sarupa kitu, kuring hayang batur siga kumaha ka kuring?’​—Mat. 7:12. w17.05 7 ¶15-16

Rebo, 27 Maret

Jelema-jelema teh nepi ka leungit kanyaahna.​—Mat. 24:12.

Lantaran urang masih hirup di dunya Sétan nu jahat, sakapeung urang osok ngarasa leutik haté. (1 Yoh. 5:19) Tapi, lamun urang teterusan leutik haté, iman urang bisa lemah jeung kanyaah urang ka Allah bisa leungit. Contona, bisa waé urang ngalaman kasusah lantaran ngolotan, gering, atawa aya masalah ékonomi. Atawa bisa waé urang sedih lantaran teu sanggup ngalakukeun hal-hal nu dipiharep. Urang bisa ogé kuciwa lantaran aya hal-hal nu teu kacumponan dina kahirupan. Teu sual masalahna, ulah ngarasa Yéhuwa geus ninggalkeun urang. Sing inget kana ayat nu bisa ngalilipur urang di Jabur 136:23, ”Mantenna henteu lali waktu urang kasoran, asih-Na langgeng.” Urang bisa yakin yén Yéhuwa ngadangukeun jeung ngajawab ”paneda” urang pikeun nyuhunkeun pitulung.​—Jab. 116:1; 136:24-26. w17.05 17 ¶8

Kemis, 28 Maret

Lamun maraneh henteu ngahampura kasalahan batur, kasalahan maraneh ge ku Rama nu di sawarga moal dihampura.​—Mat. 6:15.

Saperti nu dicatet dina Galata 2:11-14, Pétrus sieun ka manusa. (Sil. 29:25) Pétrus sabenerna mah paham kumaha pandangan Yéhuwa ka jalma-jalma ti bangsa séjén. Tapi, manéhna sieun dianggap rendah ku urang Kristen Yahudi nu datang ti Yérusalém lamun katingali keur campur gaul jeung urang Kristen ti bangsa séjén. Rasul Paulus negor Pétrus lantaran geus munapék. (Ras. 15:12; Gal. 2:13) Tapi, Pétrus rendah haté narima tegoran Paulus. Alkitab teu nyebutkeun yén Pétrus kaleungitan hak istiméwana. Malah ka dieunakeun, Pétrus diilhamkeun pikeun nulis dua surat nu jadi bagian Alkitab. Yésus salaku kapala sidang ogé terus ngagunakeun manéhna. (Epe. 1:22) Harita, sadérék-sadérék di sidang bisa nyonto ka Yésus jeung Yéhuwa ku cara ngahampura Pétrus. Mugia teu aya saurang gé nu kuciwa ku kasalahan hiji jalma nu teu sampurna. w17.04 25 ¶16-18

Jumaah, 29 Maret

Allah ngahukum nagri Sadumu jeung Gomora, eta nagri dibasmi ku seuneu, dijadikeun conto yen kitu pijadieunana anu jarahat mah.​—2 Pet. 2:6.

Yéhuwa ngabasmi jalma-jalma di daérah éta. Kajadian ieu ”dijadikeun conto” pikeun jalma-jalma jahat ayeuna. Yéhuwa ogé bakal ngeureunkeun sagala lalampahan jahat di dunya ieu cara baheula. Naon nu bakal ngagantikeun lalampahan nu salah? Di dunya anyar bakal aya loba kagiatan nu nyenangkeun. Contona, urang bakal ngarobah bumi jadi pirdaus sarta ngawangun imah keur sorangan jeung keur sobat urang. Urang ogé bakal ngabagéakeun jutaan jalma nu dihirupkeun deui, sarta ngajar maranéhna ngeunaan Yéhuwa jeung sagala kahadéan Mantenna. (Yes. 65:21, 22; Ras. 24:15) Engké, urang bakal sibuk ku kagiatan nu ngabagjakeun urang jeung ngamulyakeun Yéhuwa! w17.04 13 ¶11-12

Saptu, 30 Maret

Abdi sumeja ngahaturkeun jalmi anu pangheulana kaluar ti rorompok . . . didamel kurban ka PANGERAN.​—Hak. 11:31.

Basa nyieun ikrar ieu, Yépta bisa jadi nyaho yén putrana nu bakal kaluar mapagkeun manéhna. Tapi nu pasti, keur Yépta jeung putrana, nedunan ikrar ka Yéhuwa téh teu gampang. Basa Yépta ningali putrana, haténa nalangsa. Putrana ogé ”nyeungceurikan diri sorangan”. Naon sababna? Yépta ngan boga hiji putra nu ayeuna moal bakal nikah jeung boga anak. Ngaran kulawarga Yépta bakal leungit. Tapi, boh Yépta boh putrana sadar yén aya nu leuwih penting ti batan parasaan maranéhna. Ceuk Yépta, ”Ama teh geus sumpah ka PANGERAN, teu bisa diletak deui.” Ceuk putrana, ”Mangga teh teuing abdi pidamel sakumaha anu ku Ama parantos diikrarkeun.” (Hak. 11:35-39) Teu pernah kapikir ku maranéhna rék mungkir tina ikrar éta sanajan hésé pisan nedunanana. Maranéhna saratia.​—Pam. 23:21, 23; Jab. 15:4. w17.04 4 ¶5-6

Minggu, 31 Maret

Kaula mah . . . kalawan yakin muntang ka Allah.​—Mika 7:7.

Yusup téh korban kateuadilan nu kacida. Mimitina, basa keur 17 taun, manéhna dijual jadi gandék. Sanggeus kitu, manéhna ogé dipitnah rék merkosa pamajikan dununganana, jadi manéhna dijebloskeun ka panjara. (Kaj. 39:11-20; Jab. 105:17, 18) Sanajan Yusup téh hamba Allah nu satia, manéhna siga nu meunang hukuman lainna berkah. Tapi sanggeus 13 taun, sagalana barobah. Yusup dibébaskeun ti panjara sarta jadi pangawasa pangluhurna sanggeus raja Mesir. (Kaj. 41:14, 37-43; Ras. 7:9, 10) Naha Yusup jadi aral? Naha manéhna ngarasa Yéhuwa geus ninggalkeun? Henteu. Yusup sabar ngadagoan. Ku naon bisa kitu? Manéhna iman ka Yéhuwa. Manéhna nyaho yén Yéhuwa ngadalikeun sagalana. Éta kaciri tina omonganana ka lanceuk-lanceukna, ”Enya bareto kuring ku aranjeun dicilakakeun. Tapi ku Allah geus dibalikkeun jadi pitulung, sangkan kuring bisa nyambung umur sanak baraya anu sakitu lobana.” (Kaj. 50:19, 20) Lantaran ningali berkahna, Yusup pasti ngarasa teu sia-sia ngadagoan Yéhuwa. w17.08 4 ¶6; 6 ¶12, 13

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun