April
Senén, 1 April
Anjeunna maparin kurnia-kurnia ka manusa.—Epe. 4:8.
Kumaha urang bisa narima mangpaat ti kurnia ieu, nyaéta para kokolot? Urang bisa nyonto iman jeung tuladan hadé maranéhna, sarta nuturkeun naséhat nu ditepikeun tina Alkitab. (Ibr. 13:7, 17) Para kokolot téh nyaah sarta hayang urang leuwih raket deui ka Allah. Lamun maranéhna ningali urang teu masamoan atawa kurang sumanget, maranéhna bakal geuwat mantuan. Maranéhna bakal ngadéngékeun urang tuluy méré panglilipur jeung naséhat tina Alkitab. Naha Sadérék nganggap bantuan ti maranéhna sabagé bukti kanyaah Yéhuwa? Inget yén méré naséhat téh teu gampang pikeun kokolot. Jadi, kumaha sangkan kokolot leuwih gampang méré naséhat ka urang? Sing rendah haté, hargaan upayana, jeung babari dideukeutan. Anggap éta téh bukti kanyaah Allah. Sadérék bakal meunang mangpaat, kokolot ogé bakal bungah ngajalankeun tugasna. w18.03 31 ¶15-16
Salasa, 2 April
Sing bijaksana anaking, sangkan Bapa senang, jeung sangkan Bapa bisa ngajawab ka anu nyela ka Bapa.—Sil. 27:11.
Unggal budak téh teu sarua. Déwasana ogé dina umur nu béda-béda. Aya nu ngora kénéh tapi geus paham kana bebeneran, bisa nyieun putusan nu bijaksana, jeung geus hayang dibaptis. Nu séjénna ngarasa leuwih siap dibaptis lamun rada leuwih kolot umurna. Indung bapa nu bijaksana moal maksa budakna pikeun dibaptis. Justru maranéhna bakal ngabantu unggal budakna nyieun kamajuan luyu jeung kasanggupan budakna. Kolot bungah waktu budakna ngalarapkeun ayat poé ieu. Tapi, kudu diinget yén tujuan maranéhna nyaéta ngabantu budakna jadi murid. Kolot gé kudu ngalenyepan, ’Naha budak urang geus boga cukup pamahaman pikeun ngabaktikeun diri jeung dibaptis?’ w18.03 10 ¶6
Rebo, 3 April
Kana jangji tara jalir sanajan matak rugi ka dirina.—Jab. 15:4.
Lamun urang jangji rék datang, ulah dibatalkeun, kajaba bener-bener kapaksa. Nu ngondang bisa jadi geus siap-siap, jadi lamun urang ngabatalkeun, upayana bakal mubadir. (Mat. 5:37) Aya jalma nu ngabatalkeun jangji lantaran aya ondangan nu leuwih alus. Naha manéhna ngajénan jeung mikanyaah nu ngondang? Urang kudu ngahargaan naon waé nu disadiakeun ku nu ngondang. (Luk. 10:7) Lamun urang kapaksa ngabatalkeun jangji, béjaan manéhna jauh saacanna. Éta némbongkeun yén urang nyaah jeung rasrasan ka manéhna. Penting ogé ngajénan kabiasaan di daérah urang. Di sababaraha kabudayaan, sémah nu teu diondang gé dibagéakeun. Di kabudayaan séjén mah leuwih pantes lamun nyieun jangji heula saacanna. Aya kabudayaan nu nganggap sopan sémah nu teu langsung narima ondangan. Tapi di kabudayaan séjén, nolak ondangan téh dianggap teu sopan. Urang kudu ngupayakeun sangkan nu ngondang urang ngarasa bungah. w18.03 20 ¶20-21
Kemis, 4 April
Sing nepi ka asak.—Ibr. 6:1.
Apal kana bebeneran Alkitab teu cukup pikeun nyieun urang jadi jalma rohani. (1 Rja. 4:29, 30; 11:4-6) Jadi, naon deui nu dibutuhkeun salian ti apal kana bebeneran Alkitab? Urang kudu terus nguatkeun iman urang. (Kol. 2:6, 7) Salah sahiji cara nu penting nyaéta diajar buku Carana Tetep Dipikaasih ku Allah. Ieu bisa ngabantu Sadérék pikeun ngalarapkeun prinsip-prinsip Alkitab dina kahirupan. Lamun Sadérék geus diajar buku éta, masih aya loba kénéh publikasi nu bisa nguatkeun iman Sadérék. (Kol. 1:23) Urang ogé kudu ngalenyepanana sarta nyuhunkeun pitulung ti Yéhuwa pikeun ngalarapkeunana. Waktu urang diajar jeung ngalenyepan prinsip Alkitab, tujuan urang téh nyaéta nguatkeun tékad pikeun taat jeung nyukakeun Yéhuwa. (Jab. 40:9; 119:97) Urang gé kudu nampik hal-hal nu bakal ngaganggu kamajuan rohani urang.—Tit. 2:11, 12. w18.02 24 ¶7-9
Jumaah, 5 April
Enoh mah ku Allah diangken jelema bener, lantaran percaya.—Ibr. 11:7.
Pikeun mekarkeun iman siga Nuh, urang kudu enya-enya diajar Firman Allah, mikaresep hal éta, jeung ngalarapkeunana pikeun nyieun parobahan sarta nyieun putusan nu hadé. (1 Pet. 1:13-15) Ku kituna, iman jeung hikmat ti Allah bisa ngalindungan urang ti siasat Sétan jeung pangaruh dunya ieu. (2 Kor. 2:11) Loba jalma resep kana katelengesan jeung hal-hal nu rucah sarta osok ngumbar napsuna. (1 Yoh. 2:15, 16) Maranéhna ngabaékeun bukti-bukti yén ahir dunya ieu geus téréh. Lamun teu miboga iman nu kuat, urang gé bisa kababawa. Inget yén waktu Yésus ngabandingkeun jaman urang jeung jaman Nuh, anjeunna teu ngabahas katelengesan atawa hal-hal nu rucah tapi ngabahas bahayana lamun disimpangkeun tina ngawula Allah. (Mat. 24:36-39) Pék pikirkeun, ’Naha hirup abdi némbongkeun yén abdi bener-bener wanoh ka Yéhuwa? Naha iman ngajurung abdi pikeun ngalakukeun papakon Yéhuwa nu bener sarta ngajar batur ngeunaan kahoyong Allah?’ Jawaban Sadérék bisa némbongkeun naha Sadérék raket ka Allah siga Nuh atawa henteu.—Kaj. 6:9, 10. w18.02 11-12 ¶8-10
Saptu, 6 April
Jelema-jelema kitu jauhan.—2 Tim. 3:5.
Urang teu bisa bener-bener misah ti jalma nu boga sipat goréng. Bisa jadi urang kudu panggih jeung maranéhna di kantor, di sakola, atawa di imah. Tapi, urang teu hayang nuturkeun cara pikir jeung kalakuan maranéhna. Naon nu bisa ngabantu urang? Urang bisa nguatkeun sosobatan jeung Yéhuwa ku cara diajar Alkitab sarta milih sobat nu nyaah ka Mantenna. Urang ogé tangtu hayang mantuan batur wanoh ka Yéhuwa. Téangan cara pikeun ngawawar, sarta suhunkeun bantuan Yéhuwa pikeun nepikeun hal nu bener dina waktu nu cocog. Urang hayang nu séjén nyaho yén urang téh Saksi Yéhuwa. Ku kituna, lalampahan urang nu hadé bisa mawa kamulyaan ka Allah lain ka urang. Yéhuwa ngadidik urang sangkan ”miceun kabiasaan anu doraka jeung napsu kadunyaan, malar hirup di alam dunya teh bisa ngadalian diri, jujur, ibadah”. (Tit. 2:11-14) Upaya urang pikeun nyonto Yéhuwa sarta nuturkeun kahoyong-Na bakal diperhatikeun ku batur. Bisa jadi aya nu ngomong, ”Kaula ge hayang bagja cara [”nuturkeun”, NW] anjeun; rehna kaula nguping yen anjeun diberkahan ku Allah.”—Jak. 8:23. w18.01 32 ¶17-18
Minggu, 7 April
Jalma-jalma nyaah ka diri sorangan.—2 Tim. 3:2, ”NW”.
Naha nyaah ka diri sorangan téh salah? Henteu, éta téh wajar jeung perlu sabab urang diciptakeun kitu ku Yéhuwa. Ceuk Yésus, ”Kudu nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.” (Mar. 12:31) Malah lamun teu mikanyaah diri sorangan, urang moal bisa mikanyaah batur. Alkitab ogé maréntahkeun, ”Salaki teh kudu nyaah ka pamajikan, kawas nyaah ka dirina keneh. Da moal aya jelema anu teu nyaah kana awakna sorangan, awakna teh dimemenan, diurus dipulasara.” (Epe. 5:28, 29) Jadi, jelas yén urang kudu boga kanyaah nu wajar ka diri sorangan. Kanyaah ka diri sorangan dina 2 Timoteus 3:2 (NW) téh mentingkeun diri. Hiji jalma nu nyaah teuing ka diri sorangan bakal mikir yén dirina leuwih punjul ti batan nu samistina. (Rum 12:3) Manéhna ngan merhatikeun dirina sorangan. Mun aya masalah, manéhna bakal nyalahkeun batur lain dirina sorangan. Jalma siga kitu moal bener-bener bagja. w18.01 22 ¶4-5
Senén, 8 April
Aranjeun kudu muji sukur.—Kol. 3:15.
Waktu diajar Alkitab, urang ngadéngékeun Yéhuwa. Tapi waktu ngadoa, urang ngomong ka Yéhuwa. Tangtu urang moal nganggap doa téh ngan saukur kabiasaan atawa jampé sangkan urang suksés. Doa téh komunikasi jeung Nu Nyipta. Pék bayangkeun, Yéhuwa hayang ngadéngékeun omongan urang! (Pil. 4:6) Jadi, iraha waé Sadérék guligah, inget kekecapan Alkitab, ”Pasrahkeun kasusah maneh ka Allah.” (Jab. 55:23) Jutaan dulur saiman geus ngarasakeun ieu téh mangpaat. Sadérék ogé bisa! Tapi, ngadoa téh ulah ngan keur butuhna waé. Sakapeung, lantaran baluweng ku masalah, berkah-berkah ti Allah jadi teu katingali deui. Jadi, cobaan hal ieu: Unggal poé, pikirkeun tilu hal nu bisa urang sukurkeun, tuluy doa ka Yéhuwa ngucapkeun sukur. w17.12 24 ¶10-11
Salasa, 9 April
Ti bubudak hidep geus nyaho kana Kitab Suci, anu ka hidep mere pangarti, nungtun kana jalan salamet.—2 Tim. 3:15.
Aya rébuan palajar Alkitab nu ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis. Loba di antarana téh barudak nu geus diajar bebeneran ti leuleutik tur milih jalan hirup nu panghadéna. (Jab. 1:1-3) Salaku kolot Saksi, tangtu Sadérék miharep barudak bakal dibaptis engkéna. (Bandingkeun 3 Yoh. 4.) Sabagé kolot Saksi, Sadérék tangtu hayang budak Sadérék nyaho kana Kitab Suci, nu ayeuna mah geus lengkep. Budak nu leutik kénéh gé bisa diajar ngeunaan jalma jeung kisah dina Alkitab. Organisasi Yéhuwa nyadiakeun loba bacaan jeung vidéo nu bisa digunakeun ku kolot pikeun mantuan barudakna. Barudak kudu nyaho eusi Alkitab pikeun ngawangun sosobatan jeung Yéhuwa. w17.12 15 ¶1; 16 ¶4
Rebo, 10 April
Salaki teh wenang ka pamajikan.—Epe. 5:23.
Lamun salaki Sadérék can ngawula ka Yéhuwa, Sadérék kudu kumaha lamun ningali manéhna teu ngalampahkeun nu sakuduna? Sadérék bisa waé jadi ambek jeung paadu omong, tapi naha éta bakal ngaréngsékeun masalahna? Sanajan manéhna nu éléh, naha manéhna bakal kageuing pikeun ngawula Yéhuwa? Sigana henteu. Tapi, lamun Sadérék ngajénan salaki salaku kapala kulawarga, hasilna kulawarga jadi leuwih rukun, Yéhuwa ogé dimulyakeun. Malahan tuladan Sadérék bisa ngageuing salaki pikeun ngawula Yéhuwa, sarta ahirna Sadérék jeung salaki bisa meunangkeun pahala. (1 Pet. 3:1, 2) Lamun pamajikan Sadérék can ngawula ka Yéhuwa, Sadérék kudu kumaha lamun teu diajénan ku manéhna? Lamun Sadérék ngagorowok pikeun nunjukkeun saha nu jadi bos, naha manéhna bakal ngajénan Sadérék? Tangtu moal! Allah miharep Sadérék jadi salaki nu nyaahan saperti Yésus. Salaku kapala sidang, Yésus sabar jeung nyaahan. (Luk. 9:46-48) Lamun Sadérék nyonto Yésus, dina waktuna pamajikan ogé kageuing pikeun ngawula Yéhuwa. w17.11 30-31 ¶13-14
Kemis, 11 April
Saniskara sajagat raya dipidamelna ku Allah.—Ibr. 3:4.
Jalma-jalma nu boga cara pikir dunya ngabaékeun prinsip-prinsip Yéhuwa. Lamun teu ati-ati, cara pikir maranéhna bisa ngalaaskeun kayakinan urang kana hikmat Allah. Urang bisa kapangaruhan cara pikir dunya nu aya dina TV, Internét, tempat gawé, atawa sakola. Kiwari, pandangan ieu jamak di loba nagri. Jalma-jalma nu boga pandangan ieu bisa jadi teu bener-bener mikirkeun ayana Allah. Maranéhna ngan resep bisa bébas ngalampahkeun naon waé nu dipikahayangna. (Jab. 10:4) Nu séjénna ngarasa yén maranéhna katingali pinter lamun ngomong, ”Abdi tetep bisa boga prinsip-prinsip nu hadé sanajan teu percaya ka Allah.” Naha kapercayaan yén teu ayana Nu Nyipta téh asup akal? Sababaraha jalma kalah ka jadi bingung waktu néangan jawabanana dina élmu alam. Tapi sabenerna, jawabanana téh gampang. Naha hiji imah bisa ujug-ujug muncul? Tangtu henteu! Kudu aya nu ngawangunna. Mahluk hirup leuwih ruwed ti batan imah mana waé. w17.11 21-22 ¶2-4
Jumaah, 12 April
Aya kitab, catetan jalma-jalma anu mikasieun jeung ngajenan ka Mantenna.—Mal. 3:16.
Ku naon hadir di Pangéling-ngéling téh penting? Salah sahiji alesanana nyaéta lantaran ieu téh bagian tina ibadah urang ka Yéhuwa. Urang yakin yén Yéhuwa jeung Yésus merhatikeun saha waé nu upaya pikeun hadir di acara pangpentingna taun ieu. Urang hayang Aranjeunna ningali urang hadir di éta acara, kajaba bener-bener teu bisa datang. Lamun lalampahan urang némbongkeun yén acara ieu téh penting pisan, Yéhuwa miboga alesan séjén pikeun nginget ngaran urang tur dicatet dina ”kitab anu harirup”. Kitab ieu téh ngamuat ngaran jalma-jalma nu bakal dipasihan hirup langgeng ku Yéhuwa. (Wahyu 20:15) Dina minggu-minggu saacanna Pangéling-ngéling, urang bisa nyadiakeun leuwih loba waktu pikeun ngadoa jeung ngalenyepan sakumaha kuat sosobatan urang jeung Yéhuwa.—2 Kor. 13:5. w18.01 10 ¶4-5
Saptu, 13 April
Pek kabur ka salah sahiji [kota].—Yos. 20:4.
Yéhuwa nyarios yén waktu jalma nu teu ngahaja maéhan nepi ka kota suaka, manéhna ”bisa salamet tina pamales”. (Bil. 35:11, 12) Yéhuwa teu ngawajibkeun manéhna sangkan diadilan deui di kota suaka. Sarta, baraya nu rék males pati teu diidinan asup ka éta kota. Salila jalma nu teu ngahaja maéhan aya di éta kota, manéhna aman dilindungan ku Yéhuwa. Manéhna lain dipanjara sabab bisa digawé, nulungan batur, jeung laluasa ngawula Yéhuwa. Manéhna bisa hirup bagja jeung sugema! Sababaraha hamba Allah nu ngalampahkeun dosa gedé masih kénéh rumasa salah sanajan geus tobat. Malahan, aya nu ngarasa Yéhuwa moal pernah ngahampura maranéhna. Lamun Sadérék ngarasa kitu, sing yakin yén lamun Yéhuwa ngahampura, dosa Sadérék dianggap punah. Jadi, Sadérék teu perlu teterusan rumasa salah. w17.11 11 ¶6; 12-13 ¶13-14
Minggu, 14 April
Mana teuing hadena jeung senangna, lamun . . . runtut-raut hirupna!—Jab. 133:1.
Salah sahiji cara pikeun ngupayakeun kasatunggalan nyaéta ngalenyepan harti lambang roti jeung anggur sateuacan Pangéling-ngéling, utamana dina peuting éta. (1 Kor. 11:23-25) Roti nu teu diragian ngalambangkeun salira Yésus nu sampurna nu dikorbankeun. Anggur beureum ngalambangkeun getih anjeunna. Urang kudu inget yén korban tebusan Yésus téh bukti kanyaah panggedéna ti dua pribadi. Kanyaah ti Yéhuwa nu masihkeun Putra-Na, jeung kanyaah Yésus nu réla ngorbankeun nyawana. Urang bakal kajurung pikeun nyaah ka Aranjeunna mun ngalenyepan hal ieu. Saterusna, kanyaah urang kabéh ka Yéhuwa bakal nguatkeun kasatunggalan urang. w18.01 13 ¶11
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian sanggeus panonpoé surup: 9 Nisan) Mateus 26:6-13
Senén, 15 April
Allah geus ngabuktikeun sipat asih-Na, ku ngutus Putra tunggal-Na ka ieu dunya, supaya ku jalan Putra-Na urang meunangkeun hirup.—1 Yoh. 4:9.
Yéhuwa kacida nyaahna ka manusa. Buktina, Mantenna masihan Putra-Na sangkan urang bisa hirup langgeng. (Yoh. 3:16) Lamun Yéhuwa teu tigin kana jangji-Na ka urang, éta hartina Sétan jeung baladna téh bener. Sétan nuduh Yéhuwa téh tukang bohong nu nyamunikeun hal-hal hadé ti manusa, jeung maréntahna tara adil. Musuh-musuh ngaléléwé, ”Lain geus jangji rek datang deui? Mana? Da ti semet maot karuhun, naon-naon oge dengdeng bae kaayaanana cara keur jaman dunya mimiti ngadeg!” (2 Pet. 3:3, 4) Tapi, Yéhuwa bakal ngalaksanakeun jangji-Na. Mantenna mastikeun basa kadaulatana-Na ditanjeurkeun, manusa nu satia ogé bakal disalametkeun. (Yes. 55:10, 11) Kadaulatan Yéhuwa dumasar kana kaasih. Jadi, urang bisa yakin yén Mantenna nyaah jeung ngahargaan hamba-hamba-Na nu satia.—Bud. 34:6. w17.06 16 ¶7
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 9 Nisan) Mateus 21:1-11, 14-17
Salasa, 16 April
Mantenna anu asih ka urang, nepi ka ngutus Putra-Na, sabab ngan ku jalan kitu Mantenna iasa ngahapunten dosa urang.—1 Yoh. 4:10.
Basa Yéhuwa nyieun jangji nu dicatet di Kajadian 3:15, Mantenna nganggap tebusan geus laksana. Tuluy 4.000 taun sanggeusna, Yéhuwa masihkeun Putra-Na nu dipikaasih keur manusa. (Yoh. 3:16) Urang nganuhunkeun pisan kana kanyaah Yéhuwa! Sanajan teu sampurna, naha urang bisa némbongkeun kanyaah nu teu mentingkeun diri? Bisa, lantaran urang diciptakeun nyeplés jeung Yéhuwa. Habil némbongkeun kanyaah nu teu mentingkeun diri waktu méré kurban nu panghadéna ka Allah. (Kaj. 4:3, 4) Nuh némbongkeun kanyaah ieu ku cara ngémbarkeun warta Allah mangtaun-taun sanajan loba jalma teu daék ngadéngékeun. (2 Pet. 2:5) Ibrahim ogé ngabuktikeun yén kanyaahna ka Allah leuwih kuat ti batan hal séjénna basa manéhna réla ngorbankeun putrana, Ishak. (Yak. 2:21) Siga hamba-hamba nu satia éta, urang gé tangtu hayang némbongkeun kanyaah sanajan teu gampang. w17.10 4 ¶3-4
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 10 Nisan) Mateus 21:18, 19; 21:12, 13; Yohanes 12:20-50
Rebo, 17 April
Imam Agung urang teh lain imam anu tara ngaraskeun kahengkeran-kahengkeran urang. Sabalikna malah, lantaran Anjeunna ge geus nyorang nandangan sagala dodoja cara urang, ngan ari Anjeunna mah teu kagungan dosa.—Ibr. 4:15.
Yésus salaku Imam Agung bisa ngayakinkeun urang yén ”Mantenna tangtu mikawelas jeung maparin rahmat pitulung samangsa urang perlu ku pitulung Mantenna”. (Ibr. 4:16) Jadi, urang kudu iman ka korban tebusan Yésus. Sing yakin yén Sadérék ogé meunang mangpaatna. (Gal. 2:20, 21) Sing yakin yén Yéhuwa bakal ngahampura dosa Sadérék ku lantaran tebusan. Sing yakin yén tebusan mawa harepan hirup langgeng pikeun Sadérék. Korban tebusan Yésus téh kurnia Yéhuwa pikeun Sadérék! Dosa nu dihampura ku Yéhuwa moal bakal diutik-utik deui. Urang teu kudu sieun dihukum Yéhuwa ku lantaran dosa éta. (Jab. 103:8-12) Urang bisa bener-bener yakin yén Yéhuwa ngahampura urang. w17.11 13-14 ¶14-17
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 11 Nisan) Mateus 21:33-41; 22:15-22; 23:1-12; 24:1-3
Kemis, 18 April
Abdi . . . mangnedakeun oge jalmi-jalmi anu bakal palercaya ka Abdi tina pangwawaran maranehna. Mugi eta jalmi-jalmi oge didamel jadi sahiji. Ama! Mugi maranehna oge dikersakeun ngahiji ka Urang, sapertos Ama ngahiji ka Abdi.—Yoh. 17:20, 21.
Dina peuting Yésus ngayakeun Jamuan Wengi Jungjunan nu mimiti, anjeunna ngucapkeun doa husus. Yésus ngadoakeun kasatunggalan anjeunna jeung Bapana sarta sangkan kabéh muridna ogé jadi satunggal. Yéhuwa geus ngajawab doa Putra-Na ieu. Leuwih ti pasamoan séjénna, Pangéling-ngéling jelas ngabuktikeun yén Saksi-Saksi Yéhuwa téh satunggal. Maranéhna percaya yén Yéhuwa ngutus Putra-Na. Di sababaraha tempat, teu umum lamun jalma-jalma nu béda sélér ngumpul babarengan. Lamun bisa ngumpul gé, éta dianggap teu patut. Tapi, Yéhuwa jeung Yésus teu ngarasa kitu. Salaku umat Yéhuwa, urang teu héran ningali kasatunggalan ieu. Yéhuwa geus nganubuatkeun hal ieu. Yeh. 37:15-17; Jak. 8:23. w18.01 11 ¶7-9
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 12 Nisan) Mateus 26:1-5, 14-16; Lukas 22:1-6
TANGGAL PANGÉLING-NGÉLING
Sanggeus Panonpoé Surup
Jumaah, 19 April
Batu nu teu kapake ku nu ngawangun, malah jadi anu pangpentingna.—Jab. 118:22.
”Nu ngawangun” nyaéta para pamingpin Yahudi nu nolak Mésias. Maranéhna lain ngan saukur ngabaékeun atawa teu ngakukeun Yésus sabagé Kristus. Maranéhna nolak Yésus ku cara maksa Pilatus pikeun ngahukum pati Yésus. (Luk. 23:18-23) Maranéhna nu ngalantarankeun Yésus pupus. Kumaha Yésus bisa jadi batu ”anu pangpentingna” lamun anjeunna ditolak jeung dihukum pati? Éta ngan bisa laksana lamun anjeunna dihirupkeun deui. Rasul Pétrus ngomong ngeunaan ”Yesus Kristus urang Nasaret, anu ku Juragan-juragan parantos disalib [”digantung dina tihang”, NW], nanging parantos digugahkeun ku Allah tina pupusna”. (Ras. 3:15; 4:5-11; 1 Pet. 2:5-7) Sanggeus dihirupkeun deui, ngan Yésus ”anu ku Allah dipaparin kawasa nyalametkeun” umat manusa.—Ras. 4:12; Epe. 1:20. w17.12 10-11 ¶6-9
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 13 Nisan) Mateus 26:17-19; Lukas 22:7-13 (Kajadian sanggeus panonpoé surup: 14 Nisan) Mateus 26:20-56
Saptu, 20 April
Ngamashurkeun pupusna Gusti nepi ka mangsa Anjeunna sumping deui.—1 Kor. 11:26.
Yésus ngomong ngeunaan mangsa cilaka nu téréh datang, ”Tembong . . . Putra Manusa sumping nitih mega di langit tur kawasa jeung kacida agungna, jelema-jelema bakal ear sasambat. Tarompet gede bakal disadakeun, sarta [Yésus] bakal ngutus para malaikat-Na.” (Mat. 24:29-31) Yésus bakal ”ngumpulkeun umat pilihan” waktu kaom nu diistrénan nu masih kénéh di bumi dibawa ka sawarga ku anjeunna. Ieu bakal kajadian sanggeus mangsa cilaka dimimitian, tapi saacan perang Armagédon. Dina perang éta, Yésus, bareng jeung ka-144.000, bakal ngéléhkeun raja-raja bumi. (Wahyu 17:12-14) Pangéling-ngéling saacan Yésus ”sumping” pikeun ngumpulkeun kaom nu diistrénan bakal jadi nu pamungkas. w18.01 14 ¶15
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 14 Nisan) Mateus 27:1, 2, 27-37
Minggu, 21 April
Nya Yesus eta anu ku Allah ditanghikeun deui ti nu maraot teh.—Ras. 2:32.
Di sawarga, Yésus ”hirup salalanggengna”. (Wahyu 1:5, 18; Rum 6:9; Kol. 1:18; 1 Pet. 3:18) Rasul-rasul Yésus nu satia ogé dijangjikeun bakal maréntah bareng anjeunna di sawarga. (Luk. 22:28-30) Paulus ngajelaskeun hal nu sarua nyaéta Yésus lain hiji-hijina jalma nu bakal dihirupkeun ka sawarga. Paulus nulis, ”Masing-masing kudu nurutkeun giliranana: Kristus anu ti heula; engke, dina waktu Anjeunna sumping deui [”dina kahadiran anjeunna”, NW], kakara giliran anu aranut ka Anjeunna.” (1 Kor. 15:23) Ti saprak taun 1914, urang masih kénéh hirup dina ”kahadiran” éta, sarta geus deukeut kana ahir dunya nu jahat ieu. w17.12 12 ¶11; 13-14 ¶14-16
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 15 Nisan) Mateus 27:62-66 (Kajadian sanggeus panonpoé surup: 16 Nisan) Mateus 28:2-4
Senén, 22 April
Ieu Kami anu mere kakuatan ka maraneh.—Yes. 51:12.
Bapa Yéhuwa pernah dikantunkeun ku hamba-Na nu dipikanyaah, saperti Ibrahim, Ishak, Yakub, Musa, jeung Raja Daud. (Bil. 12:6-8; Mat. 22:31, 32; Ras. 13:22) Alkitab nunjukkeun yén Yéhuwa sono ka maranéhna sarta hoyong ngahirupkeun deui hamba-hamba-Na ieu. (Ayub 14:14, 15) Dina mangsana engké, maranéhna bakal bagja jeung séhat sampurna. Yéhuwa ogé pernah dikantunkeun ku Putra cikal-Na. Alkitab nyebutkeun yén Yésus téh ”sumber kasugemaan manah [Allah]”. (Sil. 8:22, 30) Urang moal bisa ngabayangkeun sakumaha peurihna manah Yéhuwa basa ningali Putra-Na maot dikaniaya. (Yoh. 5:20; 10:17) Urang bisa bener-bener yakin yén Yéhuwa bakal nulungan urang. Jadi, tong asa-asa dina ngadoa ka Mantenna jeung ngungkabkeun kanalangsaan tur kasedih urang. Urang jadi tengtrem lantaran nyaho Yéhuwa paham kana parasaan urang jeung bakal ngalilipur urang.—2 Kor. 1:3, 4. w17.07 10 ¶3-5
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: Nisan 16) Mateus 28:1, 5-15
Salasa, 23 April
Allah teh lain anu sok jalir. Mantenna moal lali ka anu geus dipigawe ku aranjeun, nya kitu deui kana kanyaah aranjeun ka Mantenna.—Ibr. 6:10.
Kiwari, aya jutaan jalma nu réla méré ”anu panghadena”, saperti waktu, tanaga, jeung harta banda pikeun ngarojong bait rohani Yéhuwa. (Sil. 3:9) Yéhuwa moal mopohokeun palayanan jeung kanyaah urang ka Mantenna. Dina ahir jaman ieu, aya loba nu geus dilaksanakeun ku umat Yéhuwa. Ieu bisa laksana lantaran urang diberkahan ku Yéhuwa jeung dipingpin ku Kristus. Urang gé bungah jadi bagian ti organisasi nu ajeg, aman, jeung langgeng. Mugia Sadérék ngahargaan hal ieu sarta ”narurut kana parentah-parentah PANGERAN”. (Jak. 6:15) Ku kituna, Sadérék bakal dilindungan ku Raja tur Imam Agung. Sing sabisa-bisa ngarojong ibadah sajati. Yéhuwa bakal ngajaga Sadérék tetep aman nepi ka panungtungan ahir jaman, ogé salalawasna! w17.10 26 ¶18-19
Rebo, 24 April
Harta banda sipat lahir teh pake nyieun pibatureun, supaya samangsa-mangsa harta geus teu bisa deui nulung, maraneh bisa ditarima di tempat anu sipatna langgeng.—Luk. 16:9.
Sakeudeung deui, sistim Sétan, kaasup sistim pulitik, agama, jeung dagang, bakal ancur. Nabi Yéhéskél jeung Sépanya nganubuatkeun yén pérak jeung emas, nu penting dina sistim dagang, bakal euweuh hargaan. (Yeh. 7:19; Sep. 1:18) Kumaha parasaan urang lamun dina panungtungan hirup, urang kakara sadar yén saumur hirup urang henteu néangan harta sajati lantaran sibuk ngumpulkeun harta banda? Parasaan urang bakal siga lalaki nu néangan loba duit saumur hirupna, ari pék téh duitna palsu. (Sil. 18:11) Harta banda dunya ieu bakal teu aya gunana. Jadi, gunakeun sabisa-bisa harta banda Sadérék pikeun nyieun pibatureun jeung nu di sawarga. Sagala nu dilampahkeun demi Yéhuwa jeung Karajaana-Na bisa bener-bener ngabagjakeun urang. w17.07 7 ¶16
Kemis, 25 April
Aranjeun geus diangken putra jeung dipikaasih ku Allah, jadi kudu nulad ka Mantenna. Hirup kudu dijiwaan ku kanyaah, sakumaha Kristus oge mikanyaah ka urang.—Epe. 5:1, 2.
Sababaraha urang Kristen nutup-nutupan dosa gedé nu dilampahkeunana, bisa jadi lantaran maranéhna éra atawa teu hayang nguciwakeun batur. (Sil. 28:13) Tapi, éta téh lain kanyaah lantaran bisa ngabahayakeun dirina sorangan jeung batur. Ku naon bisa kitu? Yéhuwa moal masihan roh suci-Na, ku kituna sidang moal bakal tengtrem. (Epe. 4:30) Jadi, waktu saurang Kristen ngalampahkeun dosa gedé, kanyaah bakal ngajurung manéhna pikeun ngaku ka kokolot sidang sangkan geura dibantu. (Yak. 5:14, 15) Kanyaah téh sipat nu pangunggulna. (1 Kor. 13:13) Ku ayana sipat ieu, jalma-jalma bisa ningali saha murid Yésus nu sajati, nu bener-bener nyonto Yéhuwa, sumberna kanyaah. Paulus ngomong yén lamun teu boga kanyaah, manéhna téh teu aya hartina. (1 Kor. 13:2) Mugia urang masing-masing némbongkeun kanyaah teu ngan di ”biwir” wungkul, tapi kudu ”nyata dina prakna”.—1 Yoh. 3:18. w17.10 8 ¶17-18
Jumaah, 26 April
Sim kuring sadaya . . . wajib tunduk ka Allah ti batan ka manusa.—Ras. 5:29.
Yusup nolak gogoda pikeun ngalakukeun hubungan séks jeung pamajikan Potipar. Tangtu manéhna nyaho yén manéhna bisa cilaka lamun nolak éta gogoda. Tapi ti batan nyerah, manéhna tetep kuat haté jeung langsung nolak éta gogoda. (Kaj. 39:10, 12) Rahab ogé kuat haté. Basa mata-mata Israil datang ka imahna di Yériho, manéhna nyumputkeun dua lalaki éta jeung ngabantuan sangkan maranéhna bisa kabur. (Yos. 2:4-6, 9, 12-16) Waktu golongan Saduki nyaram, rasul-rasul nu satia nu geus ningali yén Yésus téh teu sieunan, teu daékeun eureun ngawawar ngeunaan Yésus. (Ras. 5:17, 18, 27-29) Yusup, Rahab, Yésus, jeung para rasul boga tékad pikeun ngalampahkeun nu bener. Maranéhna kuat haté lain lantaran ngandelkeun kamampuh sorangan, tapi lantaran ngandelkeun Yéhuwa. Basa butuh kakuatan haté, urang gé kudu ngandel ka Yéhuwa, ulah ka diri sorangan.—2 Tim. 1:7. w17.09 28 ¶6-9
Saptu, 27 April
Pribadi aranjeun anu heubeul teh, . . . geus dipiceun.—Kol. 3:10, ”SF”.
Moal mungkin urang bisa miceun kapribadian nu heubeul maké kakuatan sorangan. Jalma-jalma nu hayang ngalakukeunana kudu bajoang satékah polah pikeun ngarobah kahirupanana nu baheula. Nu ngabantu maranéhna téh nyaéta kawasa Firman Allah jeung roh suci-Na. (Luk. 11:13; Ibr. 4:12) Sangkan bisa narima kawasa éta, urang kudu maca Alkitab unggal poé, ngalenyepanana, sarta rutin ngadoa ménta hikmat jeung kakuatan pikeun ngalarapkeunana. (Yos. 1:8; Jab. 119:97; 1 Tes. 5:17) Urang ogé kudu nyiapkeun bahan jeung hadir di pasamoan. (Ibr. 10:24, 25) Urang hayang ngamangpaatkeun loba sasadiaan ti organisasi Yéhuwa, saperti majalah, JW Broadcasting, JW Library, jeung jw.org. (Luk. 12:42) Sababaraha kabiasaan salah kudu dipiceun jeung teu dilampahkeun deui sangkan kamanah ku Yéhuwa. Tapi, aya deui nu perlu urang lakukeun. Urang perlu maké kapribadian nu anyar jeung mertahankeunana.—Kol. 3:10, SF. w17.08 20 ¶16-17
Minggu, 28 April
Margi abdi ngandel kana satia asih Gusti, abdi bingah, rehna Gusti kersa nulungan.—Jab. 13:6.
Raja Daud ngalaman loba kateuadilan. Daud dilantik ku Yéhuwa jadi raja Israil basa keur ngora kénéh. Tapi, manéhna kudu ngadagoan 15 taun nepi ka bisa jadi raja Yuda wungkul. (2 Sam. 2:3, 4) Bari ngadagoan, sababaraha kali Daud rék dipaéhan ku Raja Saul, jadi manéhna kudu lumpat jeung nyumput ti Saul. Balukarna, Daud teu bisa matuh di hiji tempat. Manéhna kudu cicing di nagri séjén atawa di guha-guha nu mencil. Ahirna, Saul maot dina perang. Tapi, Daud masih kénéh kudu ngadagoan tujuh taun deui nepi ka manéhna jadi raja sakuliah Israil. (2 Sam. 5:4, 5) Ku naon Daud réla sabar ngadagoan? Daud nyaho yén Yéhuwa nyaah sarta moal ninggalkeun manéhna. Manéhna ngalenyepan yén Yéhuwa geus mangkali-kali nulungan manéhna baheula sarta ngarep-ngarep mangsana Yéhuwa mungkas kabéh kasusahna. (Jab. 13:7) Lantaran ningali berkahna, Daud pasti ngarasa teu sia-sia ngadagoan Yéhuwa. w17.08 7 ¶14-15
Senén, 29 April
Mungguh di Allah mah jalmi teh sami.—Ras. 10:34.
Dina lumangsungna waktu, basa gé barobah. Aya kecap jeung ungkara nu geus robah hartina. Kitu ogé jeung basa-basa nu heubeul. Basa Ibrani jeung Yunani nu dipaké kiwari béda pisan jeung nu dipaké dina Alkitab. Loba nu teu ngartieun, jadi kudu ditarjamahkeun. Aya nu mikir lamun diajar basa Ibrani jeung Yunani kuno, manéhna bakal leuwih paham kana Alkitab. Tapi, teu kitu kanyataanana. Urang bungah sabab Alkitab jeung babagianana geus ditarjamahkeun ka ampir 3.000 basa. Yéhuwa miharep jalma-jalma ti ”unggal bangsa, suku bangsa, basa” meunang mangpaat ti Firman-Na. (Wahyu 14:6) Tangtu urang jadi leuwih raket jeung Allah nu welas asih tur teu ngabéda-béda jalma. w17.09 16 ¶4
Salasa, 30 April
Jalma nu yakin kana dirina, tara ngomong sagawayah. Jelema bijaksana mah ayem.—Sil. 17:27.
Lamun aya baraya nu dipecat, kadali diri bisa ngabantu Sadérék sangkan teu kontak jeung manéhna. Éta téh mémang hésé. Tapi, lamun Sadérék inget yén Sadérék keur nyonto Yéhuwa jeung ngalampahkeun paréntah-Na, éta bakal jadi leuwih gampang. Urang ogé bisa diajar ti conto Daud. Basa Saul jeung Siméi mancing-mancing émosi manéhna, Daud teu ambek atawa ngagunakeun kawasana pikeun ngalawan maranéhna. (1 Sam. 26:9-11; 2 Sam. 16:5-10) Tapi, Daud ogé teu salawasna bisa ngadalikeun diri. Contona, basa manéhna ngalakukeun dosa jeung Batséba sarta basa rék merangan Nabal nu sarakah. (1 Sam. 25:10-13; 2 Sam. 11:2-4) Urang bisa meunang palajaran penting ti Daud. Kahiji, para pangawas di sidang hususna perlu ngadalikeun diri sangkan teu nyalahgunakeun wewenang. Kadua, urang teu meunang percaya diri teuing, ngarasa moal bakal kagoda.—1 Kor. 10:12. w17.09 6 ¶12-13