PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es19 kaca 47-57
  • Méi

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Méi
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé​—2019
  • Subjudul
  • Rebo, 1 Méi
  • Kemis, 2 Méi
  • Jumaah, 3 Méi
  • Saptu, 4 Méi
  • Minggu, 5 Méi
  • Senén, 6 Méi
  • Salasa, 7 Méi
  • Rebo, 8 Méi
  • Kemis, 9 Méi
  • Jumaah, 10 Méi
  • Saptu, 11 Méi
  • Minggu, 12 Méi
  • Senén, 13 Méi
  • Salasa, 14 Méi
  • Rebo, 15 Méi
  • Kemis, 16 Méi
  • Jumaah, 17 Méi
  • Saptu, 18 Méi
  • Minggu, 19 Méi
  • Senén, 20 Méi
  • Salasa, 21 Méi
  • Rebo, 22 Méi
  • Kemis, 23 Méi
  • Jumaah, 24 Méi
  • Saptu, 25 Méi
  • Minggu, 26 Méi
  • Senén, 27 Méi
  • Salasa, 28 Méi
  • Rebo, 29 Méi
  • Kemis, 30 Méi
  • Jumaah, 31 Méi
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé​—2019
es19 kaca 47-57

Méi

Rebo, 1 Méi

Ulah poho ka nu ku Bapa geus dipapatahkeun. Sabab atikan teh nya eta sakumna hirup hidep. Jadi kudu dijaga.​—Sil. 4:13.

Mémang peurih waktu narima disiplin, tapi jauh leuwih peurih deui lamun urang nampik disiplin Allah. (Ibr. 12:11) Conto goréng Kain ngabuktikeun hal éta. Waktu Allah ningali Kain ngéwa jeung hayang maéhan adina, Mantenna geuwat ngélingan Kain, ”Ku naon murukusunu, kucem beungeut? Coba lamun tas migawe anu bener mah tangtu beungeut teh marahmay. Tapi ku sabab tas migawe anu goreng, tuh di lawang panto, dosa eukeur ngadodoho, arek kumawasa ka maneh. Ku maneh kudu dielehkeun.” (Kaj. 4:6, 7) Hanjakalna, Kain nampik disiplin Yéhuwa. Manéhna maéhan adina jeung sangsara saumur hirupna. (Kaj. 4:11, 12) Coba mun manéhna ngaregepkeun Yéhuwa, tangtu moal sangsara siga kitu. Yéhuwa teu hoyong urang ngalaman kanyeri nu sabenerna bisa disingkahan! (Yes. 48:17, 18) Jadi, pék regepkeun disiplin sangkan jadi bijaksana.​—Sil. 8:33. w18.03 32 ¶18-20

Kemis, 2 Méi

Kaula ngulik kitab-kitab agama.​—Dan. 9:2.

Kumaha Daniél bisa wanoh ka Yéhuwa? Kolotna Daniél pasti ngajar manéhna pikeun nyaah ka Allah jeung Firman-Na. Éta nu dilampahkeun ku Daniél. Ti bubudak nepi ka kolot, manéhna diajar Kitab Suci enya-enya. Daniél wanoh pisan ka Yéhuwa. Manéhna ogé nyaho naon waé nu geus dilampahkeun ku Yéhuwa pikeun bangsa Israil. Ieu katingali tina doa Daniél nu sapinuh haté jeung rendah haté di Daniel 9:3-19. Pék baca jeung lenyepan doa ieu. Teu gampang keur urang Yahudi nu satia pikeun ngawula Allah di Babul. Contona, Yéhuwa nyarios ka urang Yahudi, ”Kudu digarawe keur kamajuan kota-kota tempat maraneh ku Kami dibuang.” (Yer. 29:7) Tapi, Yéhuwa gé maréntahkeun maranéhna pikeun ibadah ngan ka Mantenna. (Bud. 34:14) Kumaha Daniél ngalampahkeun dua paréntah éta? Hikmat ti Allah ngajurung Daniél pikeun taat ka Yéhuwa heula, kakara ka pangawasa. Ratusan taun sanggeusna, Yésus ngajarkeun prinsip ieu.​—Luk. 20:25. w18.02 12 ¶11-12

Jumaah, 3 Méi

Ku maneh kudu dicirian.​—Yeh. 9:4.

Naha Sadérék keur susah lantaran gering, boga masalah ékonomi, atawa keur dikaniaya? Naha sakapeung Sadérék ngarasa teu bagja ngawula Yéhuwa? Lamun éta nu kaalaman ku Sadérék, pék perhatikeun tuladan Nuh, Daniél, jeung Ayub nu bisa ngagedékeun haté Sadérék. Maranéhna téh teu sampurna jeung boga tangtangan nu sarua jeung urang kiwari. Malahan, sakapeung nyawa maranéhna kaancam. Tapi, maranéhna tetep satia ka Yéhuwa. Mantenna ogé nganggap maranéhna jadi tuladan iman jeung kataatan. (Yeh. 14:12-14) Kekecapan dina ayat poé ieu ditulis ku Yéhéskél taun 612 SM di Babul. (Yeh. 1:1; 8:1) Éta téh ngan lima taun saacan Yérusalém diancurkeun taun 607 SM. Nu salamet ngan saeutik, nyaéta jalma-jalma nu ariman jeung taraat siga Nuh, Daniél, jeung Ayub. (Yeh. 9:1-5) Kitu ogé ayeuna, nu bakal salamet tina ahir dunya ieu téh ngan jalma-jalma nu dianggap bener ku Yéhuwa.​—Wahyu 7:9, 14. w18.02 3-4 ¶1-3

Saptu, 4 Méi

Meungpeung keur ngora, kudu eling ka Anu nyipta maraneh.​— Pan. 12:1.

Barudak ngora, pék lenyepan, ’Naha abdi masamoan jeung dines téh lantaran dititah ku kolot? Naha abdi miboga hubungan nu raket jeung Allah?’ Boh kolot boh ngora kudu boga cita-cita rohani. Ieu bakal nguatkeun karohanian urang. (Pan. 12:13) Sanggeus urang nyaho naon nu kudu ditingkatkeun, prak lampahkeun. Hirup paéhna urang gumantung kana hal ieu. (Rum 8:6-8) Pikeun maju rohani, Yéhuwa henteu ngarepkeun urang sampurna. Roh suci Allah bisa mantuan urang dina nyieun kamajuan. Tapi, urang gé kudu satékah polah ngupayakeunana. Mémang, urang resep diajar Alkitab, tapi ulah disaruakeun jeung maca novél. Urang kudu ngulik bebeneran nu mangpaat keur urang. w18.02 25 ¶10-11

Minggu, 5 Méi

Mangga ayeuna urang baptis, bade ngantosan naon deui? —Ras. 22:16.

Lain hartina saurang jalma kudu nyaho kabéh rincian pangajaran Alkitab saacan ngabaktikeun diri tur dibaptis. Unggal murid Kristus kudu terus diajar sanajan geus dibaptis. (Kol. 1:9, 10) Jadi, kudu sakumaha loba pangaweruh saurang jalma sangkan bisa dibaptis? Pangalaman hiji kulawarga di jaman baheula bisa ngabantu urang kiwari. (Ras. 16:25-33) Dina perjalanan misionarisna nu kadua taun 50 M, Paulus indit ka kota Pilipi. Di ditu, Paulus jeung Silas dituduh ku tuduhan palsu, ditahan, tuluy dijebloskeun ka panjara. Kira-kira tengah peuting, aya lini gedé nepi ka panto-panto panjara molongo. Kapala panjara rék bunuh diri lantaran disangkana kabéh tahanan geus kalabur, tapi dihalangan ku Paulus. Terus, Paulus jeung Silas ngajarkeun bebeneran ngeunaan Yésus ka kapala panjara tur kulawargana. Maranéhna percaya jeung nyaho sakumaha pentingna taat ka Yésus. Jadi, maranéhna langsung dibaptis. w18.03 11 ¶7-8

Senén, 6 Méi

Estu bagja bangsa anu Allahna [Yéhuwa].​—Jab. 144:15.

Salaku Allah nu bagja, Yéhuwa hoyong umat-Na gé bagja. Ieu béda jeung jalma nu nyaah teuing ka dirina nu hayang narima wungkul. Umat Yéhuwa bisa bagja lantaran béréhan ka batur. (Ras. 20:35; 2 Tim 3:2, NW) Kumaha carana mariksa naha kanyaah ka diri sorangan leuwih kuat ti batan kanyaah ka Allah? Pék pikirkeun naséhat bijaksana ieu, ”Dina ngalampahkeun naon bae ulah ku karana kapentingan pribadi, ulah kajurung ku hayang kapuji. Sabalikna sing silih hormatan, batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan. Hargaan kapentingan batur, ulah mentingkeun diri sorangan bae.” (Pil. 2:3, 4) Urang bisa ngalenyepan, ’Naha abdi ngabandungan naséhat ieu? Naha abdi néangan cara pikeun mantuan batur di sidang jeung dina dines?’ Mémang ieu téh teu gampang, urang kudu bener-bener nyieun upaya pikeun ngorbankeun waktu jeung énergi sarta hal-hal nu dipikaresep. Tapi, urang bakal bungah pisan lantaran nyaho yén Pangawasa jagat raya ieu resep ningali upaya urang! w18.01 23 ¶6-7

Salasa, 7 Méi

Pek mariksa maneh, nguji maneh, percaya keneh ka Kristus? —2 Kor. 13:5.

Kumaha carana? Urang bisa mariksa diri, ’Naha abdi bener-bener percaya yén ieu téh hiji-hijina organisasi nu digunakeun Yéhuwa pikeun ngalaksanakeun kahoyong-Na? Naha abdi sabisa-bisa ngawawar jeung ngajarkeun warta hadé? Naha katémbong tina lalampahan yén abdi percaya ieu téh ahir jaman, sarta kakawasaan Sétan geus téréh enggeusan? Naha kapercayaan abdi ka Yéhuwa jeung Yésus masih tetep kuat siga keur anyaran ngawula Yéhuwa?’ (Mat. 24:14; 2 Tim. 3:1; Ibr. 3:14) Pananya-pananya ieu bakal ngabantu urang pikeun ”nguji maneh”. Hiji cara pikeun nyiapkeun diri nyaéta maca tur ngalenyepan artikel-artikel ngeunaan pentingna Pangéling-ngéling. (Yoh. 3:16; 17:3) Urang bisa hirup langgeng ngan ku cara wanoh ka Yéhuwa jeung iman ka Putra-Na, Yésus. Ku kituna pikeun proyék palajaran pribadi, urang bisa milih bahan nu bisa ngaraketkeun urang ka Aranjeunna. w18.01 10 ¶5-6

Rebo, 8 Méi

Moal aya anu bisa datang ka Kami lamun henteu ditarik ku Rama.​—Yoh. 6:44.

Waktu Sadérék masamoan sarta maca Alkitab jeung publikasi, Sadérék diajar carana Yéhuwa ngabantu jalma séjén pikeun satia. Tapi beuki raket jeung Yéhuwa, Sadérék kudu ngarasaan sorangan kumaha Yéhuwa ngabantu Sadérék. Kumaha carana? Unggal urang Kristen geus ngarasakeun kasaéan Yéhuwa ku cara nu istiméwa. Mantenna ngondang urang pikeun ngaraket ka Mantenna jeung Putra-Na. Budak ngora bisa ngarasa, ’Yéhuwa geus narik kolot abdi, abdi mah ngan nuturkeun maranéhna’. Inget yén waktu hidep ngabaktikeun diri jeung dibaptis, hidep boga hubungan husus jeung Mantenna. Alkitab nyebutkeun, ”Jelema anu enya-enya nyaah ka Allah, tangtu ku Allah dikenal.” (1 Kor. 8:3) Ajénan bagian nu disadiakeun Yéhuwa keur hidep di organisasi-Na. w17.12 24 ¶12-13

Kemis, 9 Méi

Yéhuwa ngadisiplin jalma-jalma nu dipikanyaah ku Mantenna.​—Ibr. 12:6, ”NW”.

Waktu ngadéngé kecap ”disiplin”, bisa jadi Sadérék mikir yén disiplin téh hukuman, tapi lain éta wungkul. Alkitab ngajelaskeun yén disiplin téh alus keur urang. Kecap ieu ogé osok disebutkeun bareng jeung kanyaho, hikmah, asih, jeung hirup. (Sil. 1:2-7; 4:11-13) Ieu téh lantaran disiplin Allah ngabuktikeun yén Mantenna asih ka urang jeung hayang urang hirup langgeng. (Ibr. 12:6, NW) Sanajan disiplin ti Allah sakapeung mangrupa hukuman, éta moal kejem jeung nyilakakeun urang. Justru harti nu pangpentingna tina kecap ”disiplin” téh aya patalina jeung piwuruk, saperti piwuruk kolot ka budakna nu dipikanyaah. Salaku urang Kristen, urang téh bagian ti kulawarga Allah. (1 Tim. 3:15) Bapa urang, Yéhuwa, boga hak pikeun nangtukeun nu bener jeung nu salah sarta ngadisiplin ku kaasih lamun urang teu taat. Disiplin bisa nyababkeun urang ngarasakeun balukar tina lalampahan nu salah, jadi urang bakal leuwih inget kana pentingna taat ka Yéhuwa.​—Gal. 6:7. w18.03 21 ¶1; 22 ¶3

Jumaah, 10 Méi

Jalma nu yakin kana dirina, tara ngomong sagawayah. Jelema bijaksana mah ayem.​—Sil. 17:27.

Bisa jadi hidep téh rumaja nu ngarasa teu nyambung jeung kolot sarta loba teuing dilarang. Sakitu keuheulna nepi ka hidep hamham rék ngawula Yéhuwa atawa henteu. Tapi lamun hidep ninggalkeun Yéhuwa, hidep bakal ningali yén di dunya ieu, moal aya nu mikanyaah hidep kawas kolot Saksi jeung sobat-sobat di sidang. Pék pikirkeun, mun kolot tara negor hidep, kumaha hidep bisa yakin yén maranéhna téh nyaah? (Ibr. 12:8) Maranéhna mémang teu sampurna, jadi cara ngadisiplinna bisa waé ngajéngkélkeun hidep. Tapi, ulah éta nu diperhatikeun. Pikirkeun alesan maranéhna ngalakukeun hal éta. Tetep tenang, ulah émosi. Hidep kudu boga cita-cita jadi jalma déwasa nu daék narima naséhat jeung nyokot hikmahna teu sual kumaha carana éta ditepikeun.​—Sil. 1:8. w17.11 32 ¶16, 17

Saptu, 11 Méi

Maneh geus teu nyaah ka Kami cara keur anyaran.​—Wahyu 2:4.

Sadérék bisa waé hariwang, meureun lantaran pernah ningali barudak ngora nu geus dibaptis tuluy jadi cangcaya kana mangpaat papakon Allah. Malahan aya nu ninggalkeun bebeneran. Jadi, waktu budak Sadérék rék ngawula Yéhuwa, bisa jadi Sadérék kapikiran naha engkéna manéhna bakal kaleungitan kanyaahna ka bebeneran. Kumaha Sadérék bisa ngabantu budak sangkan kanyaahna tetep kuat sarta ”tumuwuh reujeung salametna”? (1 Pet. 2:2) Urang bisa diajar tina surat Paulus ka Timoteus, ”Hidep mah kudu pangger kana kayaktian beunang diajar tea, sing kukuh percayana, sing inget saha guru-guru hidep. Ti bubudak hidep geus nyaho kana Kitab Suci [Kitab-Kitab Ibrani], anu ka hidep mere pangarti [”hikmat”, NW], nungtun kana jalan salamet lantaran percaya ka Yesus Kristus.” (2 Tim. 3:14, 15) Perhatikeun, Paulus ngomong yén Timoteus (1) nyaho kana Kitab Suci, (2) jadi kukuh percaya kana hal-hal nu geus diajarkeun, sarta (3) boga hikmat nu nungtun kana kasalametan lantaran percaya ka Kristus Yésus. w17.12 16 ¶2-3

Minggu, 12 Méi

Maranehna bakal barungah, ari maraneh mah bakal susah.​—Yes. 65:14.

Loba agama ngajarkeun naraka, maksa jalma méré sumbangan, atawa ngadukung pulitik. Geus teu anéh lamun beuki loba waé jalma nu ngomong yén leuwih bagja mun teu boga agama! Urang tangtu bagja lamun teu miluan agama palsu. Tapi, teu aya nu bisa bener-bener bagja lamun teu nyobat jeung Yéhuwa, ”Allah nu bagja”. (1 Tim. 1:11, NW) Sagala nu dilampahkeun ku Yéhuwa téh demi kapentingan jalma-jalma. Urang ogé salaku hamba Allah bisa bagja lamun mantuan batur. (Ras. 20:35) Misalna, pék pikirkeun kumaha ibadah sajati bisa ngabagjakeun kulawarga. Urang diajar pikeun ngajénan jeung satia ka batur hirup, ngajar kasopanan ka budak, sarta silih asih. Ibadah sajati ngabantu umat Allah pikeun sabilulungan di sidang nu tengtrem jeung némbongkeun asih ka dulur saiman. w17.11 23 ¶6-7

Senén, 13 Méi

Jelema cilaka sim kuring teh!​—Rum 7:24.

Loba umat Allah nu satia ngarasa leutik haté jeung nalangsa siga Paulus. Ku naon? Sabab sanajan urang hayang nyenangkeun Yéhuwa, urang ngawaris dosa jeung teu sampurna. Jadi, urang bisa waé ngarasa sedih lamun gagal nyenangkeun Mantenna. Sababaraha urang Kristen nu ngalampahkeun dosa gedé ngarasa moal bakal dihampura ku Yéhuwa. Lamun urang nyalindung ka Yéhuwa, urang moal bakal nalangsa lantaran terus rumasa salah. Kitab Suci ngayakinkeun urang, ”Yéhuwa nyalametkeun kahirupan hamba-hamba-Na; kabéh nu nyalindung ka Mantenna moal bakal dianggap salah.” (Jab. 34:22, NW) Sanggeus Paulus ngarasa jadi ”jelema cilaka” nu teu bisa sagemblengna taat ka Yéhuwa, manéhna ngomong, ”Rebu laksa nuhun ka Allah . . . ku jalan Gusti urang Yesus Kristus.” (Rum 7:25) Naon maksudna? Sanajan Paulus boga dosa baheulana jeung kudu bajoang ngalawan kahayang nu salah, manéhna geus tobat. Éta bukti manéhna yakin kana pangampura Yéhuwa ku jalan korban tebusan Yésus. Salaku Panebus, Yésus bisa ngabantu urang boga haté sanubari nu bersih jeung katengtreman batin. (Ibr. 9:13, 14) Salaku Imam Agung, Yésus ”iasa nyalametkeun manusa anu datang ka Allah liwat Anjeunna, sabab Anjeunna, anu jumeneng salalanggengna bakal mangmundutkeun kasalametan manusa ka Allah”.​—Ibr. 7:24, 25. w17.11 9 ¶1-2; 14 ¶15

Salasa, 14 Méi

Geura tedunan jangji maraneh ka PANGERAN, Allah maraneh.​—Jab. 76:12.

Kumaha urang bisa nedunan jangji ka Yéhuwa? ”Unggal dinten” urang nyanghareupan gogoda boh leutik boh gedé. Cara urang nyanghareupanana ngabuktikeun sakumaha kuatna sosobatan urang jeung Yéhuwa. (Jab. 61:9) Misalna, kumaha lamun aya batur gawé atawa batur sakola nu ngajak bobogohan? Naha Sadérék bakal taat ka Yéhuwa jeung nampik éta gogoda? (Sil. 23:26) Atawa kumaha lamun Sadérék nu hiji-hijina ngawula Yéhuwa di kulawarga? Naha Sadérék ménta pitulung Yéhuwa pikeun terus némbongkeun sipat-sipat Kristen? Teu sual kaayaanana, naha Sadérék unggal poé nganuhunkeun kana kanyaah jeung bingbingan Yéhuwa? Naha Sadérék nyadiakeun waktu pikeun maca Alkitab unggal poé? Sabenerna, urang geus jangji rék ngalampahkeun hal-hal ieu waktu ngabakti ka Yéhuwa. Urang kabukti nyaah ka Mantenna jeung jadi milik-Na lamun taat sarta méré nu panghadéna. Ibadah téh jalan hirup. w17.10 18 ¶11-12

Rebo, 15 Méi

Muji ka Allah teh hade.​—Jab. 147:1.

Saurang pangarang lagu nu kasohor ngomong, ”Kekecapan bisa ngahudang pikir. Musik bisa ngahudang rasa. Tapi waktu anjeun ngawih, kekecapanana bisa nanceb dina haté.” Kawih-kawih urang ngungkabkeun pujian jeung kanyaah urang ka Bapa Yéhuwa. Urang jadi ngarasa leuwih raket ka Mantenna. Éta sababna ngawih jadi bagian penting dina ibadah sajati, teu sual urang ngawih sorangan atawa babarengan. Tapi, kumaha parasaan Sadérék waktu ngawih ku sora nu tarik di sidang? Naha Sadérék éra? Di sababaraha kabudayaan, priya-priya osok ngarasa kararagok lamun kudu ngawih di hareupeun batur. Sikep ieu bisa mawa pangaruh nu kurang alus ka sidang, komo deui lamun para kokolot asa-asa ngawihna atawa maranéhna sibuk ku kagiatan séjén salila ngawih. (Jab. 30:13) Ngawih téh bagian tina ibadah urang ka Yéhuwa. Ku kituna, urang tangtu moal indit kaluar waktu keur ngawih atawa telat datangna. w17.11 3 ¶1-3

Kemis, 16 Méi

Ulah disangka Kami datang ka dunya teh mawa karuntutan. Kami lain mawa karuntutan, tapi mawa pedang.​—Mat. 10:34.

Urang kabéh hayang hirup tengtrem, teu hayang aya kahariwangan. Ku kituna, sukur ka Yéhuwa nu tos masihan ”katengtreman jeung karahayuan”. Katengtreman ieu bisa ngabantu haté jeung pikiran urang teu guligah. (Pil. 4:6, 7) Salian ti éta, lantaran geus ngabaktikeun diri ka Allah, ”urang teh ku Allah dirapihan deui”. Ieu hartina urang boga hubungan nu alus jeung Allah. (Rum 5:1) Tapi, ayeuna urang can bisa ngarasakeun katengtreman nu sampurna di dunya ieu. Urang hirup di ahir jaman nu ngabalukarkeun loba masalah jeung kahariwangan. Urang dikurilingan ku jalma-jalma nu telenges. (2 Tim. 3:1-4) Urang gé kudu ngalawan Sétan jeung pangajaran palsuna. (2 Kor. 10:4, 5) Tapi, bisa jadi nu pangbeuratna téh lamun urang ditentang ku kulawarga nu teu ngawula ka Yéhuwa. Aya nu ngaléléwé kapercayaan urang atawa nuduh urang ngaruksak hubungan kulawarga. Malahan, urang teu diaku deui jadi kulawarga lamun terus ngawula Yéhuwa. w17.10 9 ¶1-2

Jumaah, 17 Méi

Kumaha cintana abdi kana hukum Gusti, sadinten jeput kaemut-emut.​—Jab. 119:97.

Robahna basa ngarobah panarjamahan Alkitab. Tarjamahan nu asalna ngeunah dibaca, lila-lila jadi teu merenah deui. Contona, Alkitab King James Version nu mimiti dipedalkeun taun 1611. Harita, ieu téh tarjamahan nu paling dipikaresep. Malahan, kekecapan nu dipaké dina Alkitab ieu mangaruhan basa Inggris. Waktu mimiti dipedalkeun, Alkitab King James Version ngagunakeun kekecapan nu umum keur harita. Tapi dina lumangsungna waktu, sababaraha kecap geus tinggaleun jaman, jeung ayeuna mah teu dipikaharti. Ieu ogé kaalaman ku tarjamahan Alkitab dina basa séjén. Jadi, urang bungah pisan miboga Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru nu kekecapanana modéren. Tarjamahan ieu aya dina leuwih ti 150 basa boh lengkep boh sabagian. Jadi ayeuna, kalolobaan jalma di dunya bisa maca tarjamahan ieu dina basa indungna. Kekecapan nu modéren jeung jelas ngabantu Firman Allah bisa nanceb kana haté urang. w17.09 16-17 ¶5-6

Saptu, 18 Méi

Sing bijaksana anaking, sangkan Bapa senang.​—Sil. 27:11.

Budak ngora kudu nyieun sorangan putusan nu penting. Maranéhna kudu kuat haté basa mutuskeun saha sobatna, naon hiburanna, kumaha ngajaga kabersihan moral, jeung iraha rék dibaptis. Maranéhna perlu kuat haté lantaran kudu ngalawan kahayang Sétan, nu nyela Allah. Hiji putusan penting nu kudu dijieun téh nyaéta nangtukeun cita-cita. Di sababaraha nagri, budak ngora dijurung pikeun sakola saluhur-luhurna jeung néangan gawé nu gedé gajihna. Di nagri séjén, néangan duit téh hésé pisan, jadi barudak ngora ngarasa kudu digawé pikeun nganapkahan kolotna sarta kulawargana sorangan. Lamun budak ngora nyieun cita-cita pikeun ngawula Yéhuwa jeung miheulakeun Karajaan Allah, maranéhna bakal diberkahan. Mantenna bakal mantuan basa manéhna kudu nyumponan pangabutuh kulawargana. Di abad kahiji, Timoteus ngawula Yéhuwa ti ngongora, anjeun gé bisa.​—Pil. 2:19-22. w17.09 29 ¶10-12

Minggu, 19 Méi

Eta kitab Hukum . . . Ulik beurang peuting, tiginkeun sakumaha anu ditulis di dinya. Upama kitu hirup maneh tan wande senang sarta hasil.​—Yos. 1:8.

Saurang Kristen bisa mekarkeun kadali diri lamun rutin ngulik Alkitab. Urang diajar tina conto-conto Alkitab ngeunaan mangpaatna ngadalikeun diri jeung balukarna lamun henteu. Aya alesanana Yéhuwa nulis conto-conto éta téh. (Rum 15:4) Jadi, alus lamun urang maca, ngulik, jeung ngalenyepanana. Pikirkeun ogé carana Sadérék jeung kulawarga bisa ngalarapkeunana. Ménta pitulung Yéhuwa sangkan bisa ngalarapkeun Firman-Na. Lamun Sadérék ngarasa kurang bisa ngadalikeun diri dina sababaraha kaayaan, ulah diantep. Doakeun hal éta, jeung jieun upaya pikeun mekarkeun sipat ieu. (Yak. 1:5) Talungtik publikasi urang pikeun meunang naséhat nu alus. w17.09 8 ¶15-16

Senén, 20 Méi

Pribadi aranjeun . . . geus diganti ku kapribadian anu anyar.​—Kol. 3:10, ”SF”.

Ungkara ”manusa anyar” ngamaksudkeun kapribadian ”sakumaha gambaran Anu Nyiptana”. (Epe. 4:24) Naha urang bisa maké kapribadian anyar ieu? Bisa. Yéhuwa nyiptakeun manusa sakumaha gambar Mantenna, jadi urang kabéh bisa nyonto sipat-sipat-Na nu hadé. (Kaj. 1:26, 27; Epe. 5:1) Ceuk Paulus, sipat teu ngabéda-béda téh salah sahiji bagian penting tina kapribadian anyar. Manéhna ngomong, ”Sual-sual urang Yunani, urang Yahudi, nu disunat, nu teu disunat, urang Barbar, urang Tartar, nu kumawula, nu merdika teh geus moal aya deui.” Di sidang, teu meunang aya nu ngarasa leuwih punjul ti batur ku lantaran sélér, bangsa, atawa status sosialna. Ku naon? Lantaran salaku murid Yésus, urang geus ”ngajadi hiji”. (Kol. 3:11, SF; Gal. 3:28) Tapi, lamun urang geus maké kapribadian anyar, urang bakal ngahormat jeung ngajénan batur, teu sual sélér bangsa atawa statusna.​—Rum 2:11. w17.08 21 ¶1; 22 ¶3-4

Salasa, 21 Méi

Yéhuwa sabar ngantosan.​—Yes. 30:18, ”NW”.

Ngeunaan kasabaran, Yéhuwa teu ngan saukur maréntah, tapi dibarengan jeung prakna. Mantenna téh tuladan panghadéna dina nunjukkeun kasabaran. (2 Pet. 3:9) Contona rébuan taun katukang di Taman Éden, Sétan nuduh Yéhuwa teu adil. Yéhuwa ”sabar ngantosan” nepi ka nami-Na disucikeun. Éta bakal jadi berkah keur jalma-jalma nu ”terus ngaharep” ka Mantenna. (Yes. 30:18, NW) Yésus gé réla ngadagoan. Basa di bumi, anjeunna satia nepi ka pupusna. Taun 33 M, anjeunna mayar harga tebusan ka Yéhuwa di sawarga. Tapi, anjeunna kudu ngadagoan nepi ka taun 1914 pikeun jadi Raja. (Ras. 2:33-35; Ibr. 10:12, 13) Yésus ogé kudu ngadagoan deui nepi ka ahir Pamaréntahan Sarébu Taun kakara kabéh musuhna dibinasakeun. (1 Kor. 15:25) Tapi, lantaran ningali berkahna, anjeunna pasti ngarasa teu sia-sia ngadagoan Yéhuwa. w17.08 7 ¶16-17

Rebo, 22 Méi

Allah . . . maparin kategeran hate . . . dina kasusahan anu kumaha bae.​—2 Kor. 1:3, 4.

Susi nyarita, ”Ampir sataun sanggeus anak kuring maot, kuring duaan kasiksa ku kasedih nu kacida.” Hiji sadérék nu ngadadak dikantunkeun ku pamajikanana ngarasakeun ”nyeri awak nu hésé dijelaskeun”. Hanjakalna, ieu téh kaalaman ku loba jalma. Di sidang Kristen kiwari, sadérék-sadérék urang teu ngarepkeun jalma nu dipikaasihna maot saméméh Armagédon. Tapi, bisa waé jalma nu dipikaasih ku Sadérék maot atawa Sadérék apal aya nu dikantunkeun. Lamun kitu, kumaha jalma nu dikantunkeun bisa kalipur? Aya nu ngomong yén waktu bisa nyageurkeun sagala kanyeri. Tapi, naha salawasna kitu? Hiji randa ngomong, ”Keur kuring mah, nu leuwih bisa nyageurkeun téh nyaéta naon nu urang lakukeun di sapanjang waktu éta.” Butuh waktu jeung perhatian pikeun nyageurkeun tatu dina awak, kitu ogé jeung nyageurkeun kasusah haté. w17.07 10-11 ¶1-3

Kemis, 23 Méi

Teangan kabagjaan di PANGERAN, angen-angen maneh ku Mantenna baris dicumponan.​—Jab. 37:4.

Yéhuwa hoyong Sadérék nyieun rencana nu siga kumaha? Supaya bagja, Sadérék perlu wanoh jeung ngalalayanan Yéhuwa. Ieu tujuan Yéhuwa nyiptakeun manusa. (Jab. 128:1; Mat. 5:3) Sasatoan ngan bisa nyatu, nginum, jeung anakan. Tapi, Yéhuwa hoyong Sadérék ngarencanakeun kahirupan sangkan boga tujuan jeung bagja. Nu Nyiptakeun Sadérék téh ”Allah anu sipat asih” nu nyiptakeun manusa ”nyeples Mantenna”. (2 Kor. 13:11; Kaj. 1:27) Sadérék bakal bagja lamun nyonto Allah nu asih. Alkitab nyebutkeun, ”Leuwih bagja mere ti batan nampa.” (Ras. 20:35) Naha Sadérék pernah ngarasakeun hal ieu? Ieu prinsip dasar kahirupan. Jadi, Yéhuwa hoyong Sadérék ngarencanakeun mangsa kahareup dumasar kana asih ka batur jeung ka Mantenna.​—Mat. 22:36-39. w17.07 22 ¶3

Jumaah, 24 Méi

PANGERAN . . . tara nolak pamenta nu layak ti sakur jelema nu bener lampahna.​—Jab. 84:12.

Allah ngajénan sarta ngajaga martabat urang. Mantenna bisa ngurus urang leuwih alus ti batan urang ngurus diri sorangan. Yéhuwa mikaasih kabéh umat-Na. Tapi, Mantenna ogé merhatikeun urang masing-masing. Perhatikeun conto di jaman baheula. Salila tilu ratus taun, Yéhuwa ngagunakeun hakim-hakim pikeun ngabingbing bangsa Israil jeung ngabébaskeun maranéhna ti musuh. Tapi sapanjang waktu éta, umat-Na diperhatikeun hiji-hiji ku Yéhuwa. Salah sahiji contona nyaéta Rut. Manéhna lain urang Israil, jeung ngorbankeun loba hal pikeun jadi umat Yéhuwa. Yéhuwa ngaberkahan Rut ku cara masihan salaki jeung hiji putra. Malahan mah, putra Rut jadi salah sahiji karuhunna Mésias. Yéhuwa ngatur sangkan ngaran Rut dipaké jadi ngaran buku dina Alkitab nu ngamuat kisah hirupna. Pék bayangkeun parasaan Rut basa manéhna dihirupkeun deui jeung nyaho hal-hal ieu.​—Rut 4:13; Mat. 1:5, 16, SF. w17.06 23 ¶8-9

Saptu, 25 Méi

Roh Suci . . . bakal . . . ngingetan supaya maraneh aringet kana sagala hal anu ku Kami geus diwurukkeun.​—Yoh. 14:26.

Dina taun 1970, basa keur umur 19 taun, Peter mimiti ngawula di Bétel Inggris. Sakali waktu, manéhna ngawawar ti imah ka imah, terus panggih jeung lalaki janggotan nu umurna 50-an. Peter nanya naha lalaki éta hayang paham kana Alkitab. Lalaki éta téh saurang pendéta Yahudi; manéhna hamham naha budak ngora ieu bisa ngajarkeun Alkitab ka manéhna. Pendéta éta nguji Peter, ”Jadi Sép, buku Daniel ditulis dina basa naon?” Peter ngajawab, ”Sabagian ditulis dina basa Aram.” Peter nineung, ”Pendéta éta teu nyangka kuring bisa ngajawab, komo deui kuring! Naha nya kuring bisa nyaho jawabanana? Kuring balik ka imah terus mukaan deui majalah Menara Pengawal jeung Sedarlah! sababaraha bulan katukang. Kuring manggihan artikel nu ngajelaskeun yén buku Daniel ditulis dina basa Aram.” (Dan. 2:4) Roh suci bisa ngingetkeun urang kana informasi nu pernah urang baca.​—Luk. 12:11, 12; 21:13-15. w17.06 13 ¶17

Minggu, 26 Méi

Kawin teh loba karepot, unggal poe loba uruseun.​—1 Kor. 7:28.

Pikirkeun kumaha parasaan pasangan salaki pamajikan basa nyaho maranéhna rék boga orok. Sanajan bungah pisan, maranéhna gé biasana ngarasa hariwang. Maranéhna kapikiran naha ibu jeung orokna bakal séhat jeung salamet. Maranéhna gé nyaho engkéna aya loba biayaeun. Sanggeus budakna lahir, aya parobahan nu kudu dijieun ku pasangan éta. Pamajikan bakal ngagunakeun loba waktu keur ngurus orokna. Jadi, salaki jeung pamajikan moal bisa silih merhatikeun siga saacanna. Salakina gé bakal boga leuwih loba tanggung jawab. Manéhna kudu mastikeun sangkan pamajikan jeung budakna bisa kacumponan pangabutuhna. Sababaraha pasangan ngalaman kasangsaraan séjénna. Maranéhna hayang pisan boga turunan, tapi teu bisa. Lamun pamajikan teu bisa boga anak, manéhna bisa nalangsa. w17.06 3 ¶1; 4 ¶5-6

Senén, 27 Méi

Dawuhan Gusti amis karaosna, langkung amis batan madu.​—Jab. 119:103.

Salaku urang Kristen, urang nyaah kana bebeneran. Bebeneran téh ayana dina Firman Allah. Yésus ngomong ka Bapana, ”Pangandika Ama kaestuan teh.” (Yoh. 17:17) Sangkan nyaah kana bebeneran Alkitab, urang kudu nyaho eusi Alkitab. (Kol. 1:10) Tapi salian ti éta, pék pikirkeun naon nu ditulis dina Jabur 119. (Jab. 119:97-100) Sapoé jeput, urang kudu ngalenyepan eusi Alkitab. Kanyaah urang kana bebeneran bakal beuki kuat lamun urang ngalenyepan mangpaatna ngalampahkeun bebeneran Alkitab dina kahirupan. Publikasi nu dumasar kana Alkitab ti organisasi Allah téh ibarat dahareun nu ngeunah. Lamun aya dahareun karesep urang, urang bakal ngalimed daharna. Waktu keur diajar Alkitab, urang gé bakal ngalakukeun nu sarua. Lamun urang geus ngarasakeun nikmatna, urang bakal inget kana ’ucapan anu matak genah’ tina Alkitab jeung ngagunakeunana pikeun ngabantu batur.​—Pan. 12:10. w17.05 18 ¶11-12

Salasa, 28 Méi

Sayaktosna, Allah aya di aranjeun!​—1 Kor. 14:25.

Urang hayang mantuan jalma-jalma nu keur kasusahan, kaasup ka batur nu teu nyembah ka Yéhuwa. (Luk. 10:33-37) Cara panghadéna pikeun mantuan jalma-jalma nyaéta ngawawarkeun warta hadé. Saurang kokolot nu geus pernah mantuan loba pangungsi nyebutkeun yén alus lamun urang ti mimiti gé geus ngaku yén urang téh Saksi Yéhuwa. Urang kudu méré nyaho tujuan utama urang ka maranéhna nyaéta ngabagikeun harepan nu éndah tina Alkitab, lain méré bantuan matéri. Némbongkeun asih sajati ka ”nu ngumbara” bisa mawa hasil nu alus. (Jab. 146:9) Hiji sadérék istri nyaritakeun yén kulawargana kudu ngungsi lantaran aya panganiayaan di Eritrea. Opat budakna kudu ngajugjug gurun keusik salila dalapan poé. Ahirna, maranéhna nepi ka Sudan. Sadérék éta nyarita, ”Sadérék-sadérék nganggap maranéhna siga kulawargana, méré dahareun, baju, imah, jeung ongkos. Saha deui nu daék narima urang deungeun di imah maranéhna lantaran nyembah ka Allah nu sarua? Ngan Saksi-Saksi Yéhuwa!”​—Yoh. 13:35. w17.05 20 ¶17, 19-20

Rebo, 29 Méi

Maraneh . . . teu bener ngomongkeun perkara Kami, teu kawas Ayub.​—Ayub 42:8.

”Na aya jelema, najan anu pangpinterna, anu baris mangpa’at ka Gusti Allah? Upama anjeun bener ge tur hade gawe, keur Mantenna mah naon piuntungeunana, moal matak ngabantu.” (Ayub 22:1-3) Jadi, ceuk Élipas mah manusa téh taya gunana keur Allah. Lalaki nu hiji deui ngaranna Bildad, urang Suah. Manéhna ngomong yén pamohalan manusa bisa suci tur murni dina paningal Allah. (Ayub 25:4) Ceuk Élipas jeung Bildad, sagala upaya Ayub dina ngawula Yéhuwa téh teu guna. Maranéhna hayang Ayub percaya yén manusa téh teu leuwih ti geget, insékta, atawa cacing. (Ayub 4:19; 25:6) Yéhuwa negor Élipas, Bildad, jeung lalaki nu katilu, Sopar, yén maranéhna geus ngabohong. Yéhuwa gé ngomong yén Mantenna resep ka Ayub jeung nyebut Ayub téh ”abdi Kami”. (Ayub 42:7) Jadi, urang bisa yakin yén manusa nu teu sampurna bisa digunakeun ku Allah. w17.04 27 ¶1-2

Kemis, 30 Méi

Tangtu bakal kawaris tanah, hirupna senang ngahenang-ngahening.​—Jab. 37:11.

Sakitu lilana urang dikurilingan ku kaayaan nu goréng nepi ka teu karasa deui sakumaha nyusahkeunana kaayaan éta. Ieu téh siga jalma nu cicing di deukeut stasiun karéta, lila-lila manéhna teu kagandéngan deui. Atawa, jalma nu cicing di deukeut tempat pamiceunan runtah, lila-lila manéhna teu kabauan deui. Tapi, basa Yéhuwa ngaleungitkeun kabéh hal nu goréng, haté karasa ngemplong! Naon nu bakal ngagantikeun rasa kasusah urang? Perhatikeun jangji nu dicatet dina ayat poé ieu. Bungah pisan haté urang lantaran nyaho ieu téh kahoyong Yéhuwa! Dina mangsa kasusah, upayakeun sagala cara pikeun tetep raket jeung Yéhuwa tur organisasi-Na. Harepan Sadérék téh penting pisan, jadi pék lenyepan, bayangkeun sangkan jadi nyata, jeung bagikeun ka batur. (1 Tim. 4:15, 16; 1 Pet. 3:15) Ku kituna, Sadérék bisa yakin lamun ahir éta datang, Sadérék bakal tetep hirup jeung bagja salalawasna! w17.04 14 ¶16-17

Jumaah, 31 Méi

Urang, sarerea oge remen nyieun kasalahan.​—Yak. 3:2.

Urang nyaho kana hal ieu, tapi kumaha lamun urang sorangan ngalaman kanyeri lantaran kateusampurnaan batur? Naha urang bakal nyonto kaadilan Yéhuwa? Misalna, Sadérék bakal kumaha lamun aya kokolot nu omonganana siga ngagogoréng hiji kelompok? Naha Sadérék bakal kuciwa lamun aya kokolot nu asal ngomong nepi ka nganyenyeri Sadérék? Ti batan buru-buru mikir yén manéhna téh teu layak jadi kokolot, naha Sadérék bakal sabar ngadagoan Yésus, kapala sidang, nu ngaréngsékeun masalahna? Ti batan terus mikirkeun masalahna, naha Sadérék bisa inget kana kasatiaan kokolot éta, nu geus mangtaun-taun ngawula? Lamun manéhna tetep jadi kokolot jeung narima leuwih loba tugas, naha Sadérék bakal milu bungah? Lamun Sadérék réla ngahampura, éta hartina Sadérék nyonto kaadilan Yéhuwa.​—Mat. 6:14, 15. w17.04 26 ¶18

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun