PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es19 kaca 57-67
  • Juni

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Juni
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé​—2019
  • Subjudul
  • Saptu, 1 Juni
  • Minggu, 2 Juni
  • Senén, 3 Juni
  • Salasa, 4 Juni
  • Rebo, 5 Juni
  • Kemis, 6 Juni
  • Jumaah, 7 Juni
  • Saptu, 8 Juni
  • Minggu, 9 Juni
  • Senén, 10 Juni
  • Salasa, 11 Juni
  • Rebo, 12 Juni
  • Kemis, 13 Juni
  • Jumaah, 14 Juni
  • Saptu, 15 Juni
  • Minggu, 16 Juni
  • Senén, 17 Juni
  • Salasa, 18 Juni
  • Rebo, 19 Juni
  • Kemis, 20 Juni
  • Jumaah, 21 Juni
  • Saptu, 22 Juni
  • Minggu, 23 Juni
  • Senén, 24 Juni
  • Salasa, 25 Juni
  • Rebo, 26 Juni
  • Kemis, 27 Juni
  • Jumaah, 28 Juni
  • Saptu, 29 Juni
  • Minggu, 30 Juni
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé​—2019
es19 kaca 57-67

Juni

Saptu, 1 Juni

Allah teh sipat asih.​—1 Yoh. 4:16.

Lantaran nyaah ka urang, Yéhuwa mépélingan, ngadidik, jeung ngalatih urang. Allah hoyong urang tetep raket ka Mantenna sarta hirup langgeng. Sakapeung, didisiplin téh teu ngan saukur dipépélingan. Lamun hiji jalma nyieun dosa gedé, manéhna bakal kaleungitan sababaraha tugas di sidang. Sanajan kitu, disiplin éta némbongkeun kanyaah Allah ka manéhna. Contona, manéhna bisa paham kana pentingna nyadiakeun waktu keur maca Alkitab, ngalenyepanana, jeung ngadoa. Hal-hal ieu bisa nguatkeun sosobatan manéhna jeung Yéhuwa. (Jab. 19:8) Dina waktuna, manéhna bisa narima deui tanggung jawab atawa tugas di sidang. Dipecatna hiji jalma ogé ngabuktikeun kanyaah Yéhuwa sabab éta bisa ngalindungan sidang ti pangaruh nu goréng. (1 Kor. 5:6, 7, 11) Lantaran disiplin ti Allah téh henteu kaleuleuwihi, jalma nu dipecat bisa sadar yén dosana téh sérius sarta kageuing pikeun tobat.​—Ras. 3:19. w18.03 22-23 ¶5-6

Minggu, 2 Juni

Kapala panjara jeung sakulawargana dibaptis peuting eta keneh.​—Ras. 16.33.

Kapala panjara éta téh teu ngarti nanaon ngeunaan Firman Allah. Jadi, manéhna kudu diajar bebeneran dasar Alkitab, ngarti naon nu dipiharep Yéhuwa ti umat-Na, sarta daék taat kana pangajaran Yésus. Pamahaman nu ditarima dina waktu nu singget ngageuing haténa pikeun dibaptis. (Ras. 16:25-33) Mémang sanggeusna dibaptis, manéhna tetep kudu diajar. Jadi, Sadérék kudu kumaha lamun budak Sadérék hayang dibaptis lantaran nyaah ka Yéhuwa jeung hayang taat ka Mantenna? Sadérék bisa ngajurung manéhna pikeun ngabéjaan kokolot. Ku kituna, kokolot bisa mastikeun naha manéhna nyumponan sarat pikeun dibaptis. Sarua jeung urang Kristen séjénna, manéhna bakal terus diajar ngeunaan Yéhuwa saumur hirupna, malahan salalawasna.​—Rum 11:33, 34. w18.03 11 ¶8-9

Senén, 3 Juni

Aranjeun bisa . . . nurutkeun conto ti Kristus Yesus.​—Rum 15:5.

Waktu urang ngupayakeun kamajuan rohani, roh suci bakal ngabantu ngarobah cara pikir urang. Saeutik-saeutik, cara pikir urang luyu jeung cara pikir Yésus. Roh suci ogé bisa ngabantu urang miceun hasrat nu salah jeung mekarkeun sipat-sipat nu nyenangkeun Allah. Lamun pikiran urang luyu jeung pikiran Kristus, ieu bisa mangaruhan laku lampah urang di pagawéan atawa di sakola, cara ngomong urang, jeung cara nyieun putusan sapopoé. Putusan urang bakal némbongkeun yén urang hayang nyonto Kristus. Ku sabab boga pikiran nu rohani, urang moal ngalakukeun hal nu bisa ngaruksak hubungan urang jeung Yéhuwa. Urang gé bisa nampik godaan. Saacan nyieun putusan, urang bakal mikir heula, ’Prinsip Alkitab mana nu bisa ngabantu abdi? Mun Yésus jadi abdi, naon nu bakal dilampahkeun ku anjeunna? Putusan naon nu bakal nyukakeun Yéhuwa?’ w18.02 26 ¶12, 14

Salasa, 4 Juni

Ari ka Enoh mah PANGERAN misuka.​—Kaj. 6:8.

Dina jaman uyutna Nuh, nyaéta Hanok, jalma-jalma geus kacida jahatna. ”Omong-omonganana nyarogok ngalawan ka [Yéhuwa]!” (Yud. 14, 15) Harita, jalma jahat beuki loba. Dina jaman Nuh, bumi geus pinuh ku jalma jahat, ”katelengesanana geus sumebar ka mana-mana”. Aya ogé malaikat-malaikat jahat nu ngaraga jadi manusa sangkan bisa kawin jeung awéwé-awéwé di bumi. Barudakna téh kejem jeung telenges. (Kaj. 6:2-4, 11, 12) Tapi, katingali yén Nuh mah béda. Nuh ngalakukeun nu bener, ”hirupna rumaket ka Allah”. (Kaj. 6: 9) Tina kekecapan ieu, urang diajar naon ngeunaan Nuh? Kahiji, pék pikirkeun sabaraha lila Nuh satia ngawula Yéhuwa saacan Caah Gedé datang. Éta téh teu ngan saukur 70 atawa 80 taun, tapi nepi ka kira-kira 600 taun! (Kaj. 7:11) Kadua, harita teu aya sidang nu bisa ngabantu jeung nguatkeun Nuh siga urang kiwari. Katingalina ogé, adi lanceukna teu ngadukung manéhna. w18.02 4 ¶4-5

Rebo, 5 Juni

Jalma-jalma . . . nyaah kana duit.​—2 Tim. 3:2, ”NW”.

Nu nyaah kana duit hayang teterusan meunang leuwih loba duit. Hirupna saukur keur néangan duit. Ieu nu ngalantarankeun ”rupa-rupa aral”. (1 Tim. 6:9, 10; Pan 5:10) Mémang, urang kabéh butuh duit. Duit bisa méré panyalindungan. (Pan. 7:12) Tapi, naha urang bisa tetep bagja lamun ngan boga kabutuhan dasar? Bisa! (Pan. 5:12) Agur putra Yakéh nulis, ”Ulah dikersakeun miskin, ulah dikersakeun beunghar. Paparin sacekapna bae.” Urang bisa langsung paham ku naon manéhna teu hayang miskin, nyaéta sangkan manéhna teu maok lantaran bisa nyela Allah. Tapi, ku naon manéhna teu hayang beunghar? Manéhna nulis, ”Bilih ari beunghar mah ngunghak, nyebat teu wawuh ka Gusti.” (Sil. 30:8, 9) Ceuk Yésus, ”Moal aya anu bisa ngawula ka dua dunungan, sabab nyaahna ngan bisa ka saurang, moal bisa ka duanana. Satiana oge ngan ka saurang, ka nu saurang deui mah malah jengkel. Maraneh oge kitu, moal bisa ngabdi ka Allah bari ngawula kana duit.”​—Mat. 6:24. w18.01 24 ¶9-11

Kemis, 6 Juni

Rama Kami nu di sawarga ge bakal kitu ka maraneh, kajaba lamun maraneh iklas ngahampura kasalahan dulur.​—Mat. 18:35.

Urang ngupayakeun kasatunggalan ku cara resep ngahampura. Lamun urang ngahampura, éta hartina urang nganuhunkeun ka Yéhuwa nu geus ngahampura dosa urang ku jalan tebusan Yésus. Pikeun nandeskeun pentingna ngahampura, Yésus nyaritakeun hiji misil ngeunaan raja jeung badéga-badégana. Mangga baca Mateus 18:23-34 sarta pikirkeun pananya ieu, ’Naha abdi kajurung pikeun ngalampahkeun pangajaran Yésus? Naha abdi sabar jeung ngartikeun dulur saiman? Naha abdi siap ngahampura batur nu nyinggung abdi?’ Mémang aya dosa nu leuwih gedé jeung hésé pisan dihampura ku urang nu teu sampurna. Tapi, misil Yésus ngajarkeun naon nu dipiharep Yéhuwa ti urang. Yésus nandeskeun yén Yéhuwa moal ngahampura lamun urang teu ngahampura batur padahal manéhna bener-bener tobat. Ieu téh kudu bener-bener dipikirkeun ku urang. Pikeun ngajaga jeung ngupayakeun kasatunggalan, urang kudu ngahampura batur sakumaha nu diajarkeun ku Yésus. w18.01 13 ¶12

Jumaah, 7 Juni

Di lebet tilu puluh dinten teu kenging aya anu nyuhunkeun naon-naon, boh ka dewa mana bae, boh ka papada manusa, lintang ka Kangjeng Raja. Anu ngalanggar ieu parentah, kedah dilebetkeun ka guha singa.​—Dan. 6:7.

Sanajan bahaya, Daniél tetep ngadoa di tempat nu katingali ku jalma-jalma lantaran teu hayang aya nu mikir yén manéhna geus teu ngawula Yéhuwa deui. Yéhuwa ngaberkahan kawani jeung kasatiaan Daniél. Ku cara mujijat, Mantenna nyalametkeun Daniél ti singa-singa. Hasilna, jalma-jalma di sakuliah Karajaan Média-Pérsia diajar ngeunaan Yéhuwa! (Dan. 6:25-27) Kumaha urang bisa mekarkeun iman siga Daniél? Pikeun miboga iman nu kuat, teu cukup ngan saukur maca Firman Allah. Urang kudu paham kana hal éta. (Mat. 13:23) Urang hayang nyaho kumaha pamikiran jeung parasaan Yéhuwa ngeunaan hiji hal. Éta sababna urang kudu ngalenyepan. Doa ogé penting, utamana lamun urang keur nyanghareupan masalah. Lamun urang ngadoa ménta hikmat jeung kakuatan, urang bisa yakin Yéhuwa bakal masihanana kalawan limpah.​—Yak. 1:5. w18.02 12-13 ¶13-15

Saptu, 8 Juni

Pek rarasakeun, kumaha saena PANGERAN.​—Jab. 34:9.

Sabagé budak ngora nu geus dibaptis, hidep ngarasakeun kasaéan Yéhuwa waktu Mantenna masihan hidep kawani pikeun nyaritakeun iman hidep ka batur, boh dina dines boh di sakola. Mémang teu gampang ngawawar ka batur sakola téh. Bisa jadi hidep sieun lantaran ngabayangkeun maranéhna bakal kumaha. Komo deui lamun kudu ngajelaskeun di hareupeun loba jalma. Kumaha hidep bisa dibantu? Pék pikirkeun, naon alesanana hidep yakin kana kapercayaan hidep. Gunakeun ”Panduan Belajar” dina jw.org/id. Ieu bantuan pikeun mikirkeun kapercayaan hidep, alesan hidep percaya, jeung carana ngajelaskeun éta ka batur. Sanggeus hidep bener-bener yakin jeung siap, hidep bakal sumanget nyarita ngeunaan Yéhuwa.​—Yer. 20:8, 9. w17.12 24-25 ¶12, 14-15

Minggu, 9 Juni

Kudu pangger kana kayaktian beunang diajar tea, sing kukuh percayana.​—2Tim 3:14.

Teu cukup ngan saukur ngajar barudak ngeunaan jalma jeung kisah dina Alkitab. Inget yén Timoteus diajar sangkan ”kukuh percayana”, jadi manéhna beuki yakin yén ieu téh bebeneran. Timoteus geus nyaho kana Kitab-Kitab Ibrani ”ti bubudak” kénéh. Ka dieunakeun, manéhna yakin yén Yésus téh Mésias. Kumaha Sadérék bisa mantuan barudak sangkan ”kukuh percayana” saperti Timoteus? Mimitina, urang kudu sabar. Perlu waktu pikeun ngawangun iman nu kukuh. Sanajan Sadérék percaya kana hiji hal, barudak teu otomatis percaya. Pikeun miboga iman ka Alkitab, masing-masing budak kudu bisa ”ngabedakeun mana nu hade mana nu jahat”. (Ibr. 5:14) Salaku kolot, Sadérék bisa nguatkeun iman barudak, hususna waktu maranéhna nanyakeun hiji hal. w17.12 16 ¶3, 5-6

Senén, 10 Juni

Abdi terang manéhna bakal hirup deui dina ahir jaman.​—Yoh. 11:24, ”NW”.

Marta téh sobat jeung muridna Yésus. Manéhna keur nalangsa lantaran dulurna, Lasarus, maot. Naha aya nu bisa ngalilipur manéhna? Aya. Yésus jangji ka manéhna, ”Dulur maneh tangtu hirup deui.” (Yoh. 11:20-23) Marta yakin bakal aya pihudangeunana nu maot dina mangsa kahareup. Tuluy, Yésus nyieun mujijat, Lasarus dihirupkeun deui poé éta kénéh. Urang teu bisa miharep Yésus atawa Bapana bakal ngahirupkeun deui nu maot ayeuna. Tapi, naha Sadérék sarua yakinna siga Marta yén jalma nu dipikanyaah bakal hirup deui dina mangsa kahareup? Bisa jadi Sadérék dikantunkeun ku salaki atawa pamajikan, indung, bapa, aki, nini, malahan budak nu dipikanyaah. Sadérék tangtu teu sabar hayang nangkeup, ngobrol, tur heureuy jeung maranéhna. Saperti Marta, Sadérék boga alesan nu kuat pikeun ngomong kalawan yakin, ’Abdi terang, engké manéhna bakal hirup deui.’ Tapi, alus lamun unggal urang Kristen ngalenyepan alesan kana kayakinan éta. w17.12 3 ¶1-2

Salasa, 11 Juni

Kacida resepna abdi ngalampahkeun pangersa Gusti, nun Allah, piwulang Gusti ngancik dina sanubari.​—Jab. 40:9.

Yésus cinta ka Hukum Musa lantaran sumberna ti Yéhuwa, Pribadi nu pangpentingna dina kahirupan Yésus. Ayat poé ieu nganubuatkeun ngeunaan parasaan Yésus ka Hukum Allah. Yésus ngabuktikeun dina ucap jeung lampahna yén Hukum Allah téh sampurna, mawa mangpaat, jeung sagala eusina pasti laksana. (Mat. 5:17-19) Tangtu Yésus sedih ningali guru agama jeung urang Parisi salah nerapkeun Hukum Allah nepi ka batur hésé ngajalankeunana. Anjeunna ngomong, ”Ari mere perpuluhan ka Allah mani nepi ka bungbu-bungbu kayaning pala, jinten jeung katuncar.” Éta hartina maranéhna hayang ngajalankeun unggal rincian tina Hukum. Jadi, naon nu salah? Yésus ngajelaskeun, ”Tapi anu enya-enya penting anu diajarkeun ku Hukum, saperti: kudu adil, karunyaan jeung jujur, ku aranjeun teu dipirosea.” (Mat. 23:23) Urang Parisi teu paham tujuan tina Hukum jeung ngarasa leuwih hadé ti batur. Tapi, Yésus paham kana alesan dijieunna Hukum sarta sipat-sipat Yéhuwa nu katémbong dina unggal paréntah. w17.11 15 ¶1-2

Rebo, 12 Juni

Aranjeun ku Allah diperih kudu hirup suci. Kade, lamun sapatemon ulah ingkar tina susila.​—1 Tes. 4:3.

Aya nu ngomong, ”Urang kudu nganikmatan hirup. Nu kieu mah ulah dilarang-larang.” Tapi, Firman Allah ngalarang hirup cabul. (1 Tes. 4:4-8) Lantaran nyiptakeun urang, Yéhuwa gaduh hak pikeun masihan hukum ka urang. Mantenna nyarios yén hubungan séks téh ngan meunang dilakukeun ku saurang lalaki jeung saurang awéwé nu geus nikah. Mantenna masihan hukum lantaran nyaah ka urang jeung apal yén hirup urang bakal leuwih hadé lamun nuturkeun hukum éta. Kulawarga nu taat ka hukum Allah bakal silih asih, silih hormat, jeung ngarasa aman. Tapi, nu ngahaja teu taat bakal dihukum ku Allah. (Ibr. 13:4) Alkitab ngajarkeun carana nyingkahan hal-hal nu cabul. Urang kudu ngadalikeun panon urang. (Mat. 5:28, 29) Jadi, urang kudu nyingkahan pornografi jeung musik nu cabul.​—Epe. 5:3-5. w17.11 23 ¶9-10

Kemis, 13 Juni

Muji ka Allah teh hade.​—Jab. 147:1.

Ti jaman baheula, hamba-hamba Yéhuwa geus ngagunakeun musik pikeun muji Mantenna. Basa urang Israil satia ka Yéhuwa, ngawih téh bagian penting dina ibadah maranéhna. Contona, waktu Daud nyiapkeun bait, manéhna ngaorganisasi 4.000 urang Léwi pikeun ngawihkeun pujian ka Yéhuwa. Ti antara maranéhna, aya 288 jalma nu ”geus arahli . . . ngalagu oge kabeh geus palinter”. (1 Bab. 23:5; 25:7) Musik jeung kawih ogé jadi bagian penting basa bait diresmikeun. Alkitab nyaritakeun yén jurukawih ”breng nyaranyi ditarimbang ku sora tarompet, kecrek jeung tatabeuhan sejen, layeut awor kacida rasmina, maruji sukur ka PANGERAN”. Tuluy, ”eta gedong ujug-ujug pinuh ku mega anu ngempray, dibarengan ku gebrayna cahaya kamulyaan PANGERAN”. Kajadian ieu tangtu nguatkeun iman bangsa Israil!​—2 Bab. 5:11-14; 7:6. w17.11 4 ¶4-5

Jumaah, 14 Juni

Ulah disangka Kami datang ka dunya teh mawa karuntutan. Kami lain mawa karuntutan, tapi mawa pedang.​—Mat. 10:34.

Yésus paham yén teu kabéh jalma bakal narima pangajaranana. Anjeunna ogé apal yén murid-muridna butuh kawani lantaran bakal ditentang. Tujuan Yésus téh ngajarkeun bebeneran ngeunaan Allah, lain rék ngaruksak hubungan kulawarga. (Yoh. 18:37) Tapi, murid-muridna perlu paham yén jadi murid Yésus téh teu gampang, komo deui lamun aya sobat atawa anggota kulawarga nu teu narima bebeneran. Sangkan kamanah ku Yésus, murid-muridna kudu tabah waktu diléléwé atawa ditolak ku kulawargana. Tapi, berkah pikeun maranéhna bakal leuwih gedé ti batan pangorbananana. (Mar. 10:29, 30) Sanajan ibadah urang ditentang ku kulawarga, urang tetep nyaah ka maranéhna. Tapi, urang kudu inget yén kanyaah urang ka Allah jeung Kristus kudu leuwih kuat ti batan ka nu séjén. (Mat. 10:37) Urang kudu ati-ati lantaran Sétan bisa ngagunakeun kanyaah urang ka kulawarga pikeun teu satia ka Yéhuwa. w17.10 10 ¶3-6

Saptu, 15 Juni

Seug eta [kajahatan] teh ku anjeunna didedetkeun deui ka jero karanjang tea, karanjangna ditutupkeun deui.​—Jak. 5:8.

Titingalian ieu ngayakinkeun urang yén Yéhuwa moal ngantep kajahatan terus aya di antara umat-Na. Lamun ningali aya nu goréng, Yéhuwa bakal geura nyingkirkeunana. (1 Kor. 5:12, 13) Ieu digambarkeun ku malaikat nu langsung nutup éta karanjang. Jadi, titingalian ieu téh jaminan keur urang Israil di jaman Jakaria yén Yéhuwa bakal ngajaga ibadah-Na tetep bersih. Titingalian ieu ogé mépélingan urang Yahudi yén maranéhna boga tanggung jawab pikeun ngajaga ibadahna tetep bersih. Kajahatan teu meunang aya di antara umat Allah. Kiwari, Yéhuwa mawa urang ka organisasi-Na nu bersih, tempat urang dipikanyaah jeung dijaga. Urang masing-masing boga tanggung jawab pikeun ngajagana tetep bersih. Kajahatan teu meunang aya di antara umat Yéhuwa. w17.10 19 ¶14-15; 20 ¶17-18

Minggu, 16 Juni

Abdi . . . cinta kana hukum Gusti.​—Jab. 119:163.

Tilu puluh salapan buku nu mimiti dina Alkitab ditulis ku urang Yahudi, atawa bangsa Israil, sabab ”urang Yahudi teh ku Allah dititipan pangandika-Na”. (Rum 3:1, 2) Mimitina, buku-buku ieu ditulis dina basa Ibrani jeung Aram. Tapi dina abad katilu SM, loba urang Yahudi teu ngarti deui kana basa Ibrani. Naon sababna? Aléksander Agung ngalegaan Impérium Yunani ku cara nalukkeun loba wilayah. Hasilna, basa Yunani jadi basa nu umum dipaké di wilayah kakawasaan Yunani. Jadi, loba jalma leuwih sering maké basa Yunani ti batan basa indungna. (Dan. 8:5-7, 20, 21) Loba urang Yahudi gé kitu, jadi maranéhna teu pati ngarti Alkitab basa Ibrani. Naon jalan kaluarna? Kitab-Kitab Ibrani ditarjamahkeun ka basa Yunani. Tarjamahan nu mimiti ieu disebut Séptuaginta Yunani. w17.09 17 ¶7-9

Senén, 17 Juni

Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun.​—Ibr. 13:5.

Dunungan bisa waé ménta Sadérék ngalembur, padahal éta waktu pikeun ibadah kulawarga, dines, jeung masamoan. Sadérék kudu kuat haté sangkan bisa nolak jeung jadi tuladan keur barudak Sadérék. Urang ogé kudu kuat haté sangkan bisa mantuan budak urang pikeun nangtukeun jeung ngahontal cita-cita rohani. Aya kolot nu sieun ngajurung budakna pikeun naratas, ngawula di tempat nu leuwih ngabutuhkeun, ngawula di Bétel, atawa ngabantu pangwangunan Balé Karajaan jeung Balé Kongrés. Bisa jadi kolotna hariwang yén engkéna éta budak moal bisa ngurus maranéhna jeung ngurus diri sorangan. Tapi, indung bapa nu bijaksana bakal kuat haté jeung iman ka jangji Yéhuwa. (Jab. 37:25) Kolot nu kuat haté jeung ngandel ka Yéhuwa jadi tuladan keur budakna.​—1 Sam. 1:27, 28; 2 Tim. 3:14, 15. w17.09 30 ¶14-15

Salasa, 18 Juni

Anu hirupna dituyun ku Roh Allah mah . . . nahan napsu.​—Gal. 5:22, 23.

Kumaha carana mantuan budak Sadérék sangkan bisa ngadalikeun diri? Sipat ieu lain bawaan orok. Jadi, kolot kudu ngajarkeun sipat ieu ka manéhna ku cara méré conto. (Epe. 6:4) Lamun budak Sadérék katingali kurang ngadalikeun diri, pariksa diri Sadérék naha geus jadi conto nu alus keur manéhna. Sadérék bisa jadi conto nu alus ku cara miheulakeun kagiatan rohani, saperti rutin ngawawar, hadir di pasamoan, jeung ngayakeun ibadah kulawarga. Penting ogé sangkan ulah asa-asa nyaram manéhna! Yéhuwa masihan watesan ka Adam jeung Hawa. Éta watesan ngabantu maranéhna sangkan ngajénan wewenang Yéhuwa. Kitu ogé, lamun kolot méré disiplin jeung conto nu alus, budakna bakal diajar pikeun ngadalikeun diri. Manéhna bisa diajar hal nu penting nyaéta nyaah ka wewenang Yéhuwa jeung ngajénan papakon-Na.​—Sil. 1:5, 7, 8. w17.09 8 ¶17

Rebo, 19 Juni

Disusunna badan teh henteu misah-misah, sakabeh babagianana nu hiji ka nu hiji deui aya pakuat-pakaitna.​—1 Kor. 12:25.

Umat Allah bakal terus nyanghareupan cocoba salila hirup di dunya Sétan. Urang bisa di-PHK, gering parna, dikaniaya, dipaok, keuna musibat alam, atawa kasusahan séjén. Sangkan bisa silih nguatkeun dina nyanghareupan cocoba, urang kudu boga sipat karunyaan. Sipat karunyaan bakal ngageuing urang pikeun hadé haté ka batur. (Kol. 3:12) Sipat-sipat ieu téh kaasup kapribadian anyar, nu bakal ngabantu urang nyonto Allah jeung negerkeun batur. (2 Kor. 1:3, 4) Kumaha urang bisa némbongkeun kahadéan ka dulur di sidang nu pindah ti nagri séjén atawa nu hirupna susah? Urang hayang ngabagéakeun jeung jadi sobat maranéhna sangkan maranéhna ngarasa dibutuhkeun di sidang. (1 Kor. 12:22) Loba Saksi némbongkeun sipat karunyaan ka imigran sarta diajar basa maranéhna. (1 Kor. 9:23) Ieu mawa hasil nu alus. w17.08 23 ¶7-9

Kemis, 20 Juni

Kaboga kuring ngan PANGERAN, harepan ngan ka Mantenna.​—Tangis 3:24.

Yéhuwa hoyong urang sabar, réla ngadagoan. Naon nu bisa ngabantu urang? Urang perlu ngadoa ménta roh suci Allah sabab kasabaran téh hasil tina roh suci. (Epe. 3:14-16; 6:18; 1 Tes. 5:17-19) Jadi, suhunkeun bantuan Yéhuwa sangkan bisa tabah jeung sabar! Inget ogé naon nu ngabantu Ibrahim, Yusup, jeung Daud bisa sabar ngadagoan jangji Yéhuwa ngawujud. Maranéhna iman jeung ngandel ka Yéhuwa. Maranéhna ogé teu ngan saukur mikirkeun diri jeung kahayang sorangan. Urang bakal dikuatkeun sangkan leuwih sabar lamun mikirkeun berkah nu ditarima ku maranéhna. Jadi, sanajan urang keur bajoang nyanghareupan cocoba, urang bisa tetep ”ngaharep” ka Allah. Sakapeung, urang bisa waé nanya, ’Dugi ka iraha, Yéhuwa?’ (Yes. 6:11) Tapi ku bantuan roh suci Allah, urang bisa nyonto Yérmia jeung ngomong kekecapan dina ayat poé ieu. w17.08 8 ¶18-20

Jumaah, 21 Juni

Kacida resepna abdi ngalampahkeun pangersa Gusti.​—Jab. 40:9.

Waktu leutik kénéh, Yésus tangtu resep ulin. Firman Allah nyebutkeun, ”aya waktuna bungah” jeung ”aya waktuna igel-igelan”. (Pan. 3:4) Yésus ogé ngaraket ka Yéhuwa ku cara diajar Kitab Suci. Waktu Yésus umur 12 taun, guru-guru di bait tajub lantaran ”ngawaler-Na kacida pinterna”. (Luk. 2:42, 46, 47) Waktu déwasa, Yésus bagja lantaran ngalampahkeun pangersa Allah. Contona, Allah hoyong anjeunna ”mawa warta pikabungaheun ka nu mariskin” jeung ’ngabeuntakeun nu lalolong’. (Luk. 4:18) Yésus resep pisan ngajar jalma-jalma ngeunaan Bapana. (Luk. 10:21) Sanggeus ngawawar ka hiji awéwé ngeunaan ibadah sajati, Yésus ngomong ka murid-muridna, ”Dahareun Kami nya eta pagawean ti pangersa anu ngutus, anu kudu dipigawe nepi ka anggeus.” (Yoh. 4:31-34) Yésus bagja lantaran némbongkeun asih ka Allah jeung ka batur. Sadérék ogé bakal bagja lamun ngalakukeun nu sarua. w17.07 22 ¶4-5

Saptu, 22 Juni

Katengtreman jeung karahayuan ti Allah . . . baris nengtremkeun hate jeung pikiran aranjeun nu geus ngahiji jeung Kristus Yesus.​—Pil. 4:7.

Basa keur di bumi, sagala ucap jeung lampah Yésus némbongkeun sipat-sipat hadé Bapana kalawan sampurna. (Yoh. 5:19) Yéhuwa ngutus Yésus ka bumi pikeun ngalilipur ”anu hatena remuk” jeung ”nu prihatin”. (Yes. 61:1, 2; Luk. 4:17-21) Karasa ku jalma-jalma yén Yésus paham kana kasangsaraan maranéhna jeung hayang pisan nulungan maranéhna. (Ibr. 2:17) Alkitab ngajéntrékeun yén Yésus teu barobah, ”Yesus Kristus mah tetep teu barobah, bareto, ayeuna, pageto.” (Ibr. 13:8) Anjeunna nu ”nuyun manusa supaya manusa hirup” langgeng. Lantaran Yésus geus ngarasakeun sorangan sedihna dikantunkeun, ”anjeunna iasa nulung ka sakur anu keuna ku cocoba”. (Ras. 3:15; Ibr. 2:10, 18) Ayeuna Yésus masih ngaraskeun kapeurih batur. Anjeunna paham kana kasedih urang, jeung bisa méré panglilipur ”samangsa urang perlu”.​—Ibr. 4:15, 16. w17.07 10 ¶6-7; 11 ¶10

Minggu, 23 Juni

Tibelatna hate teh ka tempat harta.​—Luk 12:34.

Urang kudu waspada ulah nepi ka Sétan jeung dunyana ngaleungitkeun kanyaah urang ka harta rohani nu geus dipasihan Yéhuwa ka urang. Lamun teu waspada, urang bisa disimpangkeun ku hal-hal saperti tawaran pagawéan nu bayaranna gedé, impian hirup méwah, atawa kahayang pikeun ngagulkeun harta banda. Rasul Yohanes ngélingan urang yén dunya ieu jeung sagala eusina téréh leungit. (1 Yoh. 2:15-17) Éta sababna urang kudu terus nganuhunkeun jeung ngajaga harta rohani urang. Tong asa-asa miceun naon waé nu bisa ngaleungitkeun kanyaah urang ka Karajaan Allah. Sing sumanget dina ngawawar, ulah kaleungitan kanyaah ka palayanan. Terus talungtik bebeneran Alkitab. Ku kituna, Sadérék bakal nambahan ”harta anu aya di sawarga. Eta harta moal aya sudana, moal bisa aya nu maling, jeung moal dihakan ku rinyuh”.​—Luk. 12:33. w17.06 14 ¶19-20

Senén, 24 Juni

Mending sadinten aya di Bait Gusti, tinimbang sarebu dinten di sanes tempat.​—Jab. 84:11.

Yéhuwa lain pangawasa nu sok nindes. Sabalikna, nu taat ka Mantenna bakal merdéka jeung bagja. (2 Kor. 3:17) Daud ngomong ngeunaan Yéhuwa, ”Mantenna dikubeng ku kamulyaan jeung kaagungan, kakawasaan jeung kasukaan ngeusian tempat linggih-Na.” (1 Bab. 16:7, 27) Étan nu nulis jabur ngomong, ”Estu bagja jalmi anu sumujud ka Gusti bari gumbira, anu hirupna dina cahaya kasaean Gusti. Sadidintenna suka bungah ku karana Gusti, muji sukur ku karana piwelas Gusti.” (Jab. 89:16, 17) Beuki ngalenyepan kahadéan Yéhuwa, beuki yakin urang yén pamaréntahan Mantenna nu panghadéna. Lantaran nyiptakeun urang, Yéhuwa paling apal naon nu bisa ngabagjakeun urang. Hal-hal éta dicumponan ku Mantenna kalawan limpah. Sagala paréntah-Na demi kapentingan urang kénéh. Sanajan kudu nyieun pangorbanan, urang bakal terus bagja lamun taat ka Yéhuwa.​—Yes. 48:17. w17.06 24 ¶10-11

Salasa, 25 Juni

Estu nalangsa lamun pangharepan gagal.​—Sil. 13:12.

Aya hiji sadérék istri di Inggris nu hayang boga anak. Basa nyaho yén manéhna teu bisa boga anak di jaman ieu, manéhna remuk haténa. Ku kituna, manéhna jeung salakina mutuskeun ngukut anak. Sanajan kitu, manéhna sakapeung masih ngarasa sedih. Manéhna ngomong, ”Rék kumaha gé, ngukut anak mah béda jeung ngalahirkeun anak sorangan.” Ceuk Alkitab, ”Awewe teh kudu ngajuru sangkan bisa disalametkeun.” (1 Tim. 2:15) Ieu téh lain hartina manéhna bakal narima hirup langgeng lantaran boga anak. Jadi, naon hartina ayat ieu? Awéwé nu boga anak sibuk pisan ngurus anak jeung imahna. Ku kituna, manéhna moal boga waktu keur ngagosip atawa pipilueun urusan batur.​—1 Tim. 5:13. w17.06 4-5 ¶6-8

Rebo, 26 Juni

Na eta teh tiasa keur ngabantu ka Gusti Allah? Allah teh moal butuheun ku urang.​—Ayub 35:7.

Naha Élihu gé ngomong yén upaya urang ngawulaan Yéhuwa téh teu guna? Henteu. Teu kawas ka tilu lalaki tadi, Yéhuwa teu negor Élihu. Élihu boga pandangan nu béda. Maksud Élihu téh Yéhuwa teu butuh disembah ku urang. Yéhuwa miboga sagalana. Urang moal bisa ngabantu Mantenna jadi leuwih beunghar atawa leuwih kuat. Sanajan kitu, Yéhuwa merhatikeun cara urang ngagunakeun sipat jeung kasanggupan urang nu asalna ti Mantenna. Lamun urang némbongkeun kasatiaan ka sasaha nu nyembah Yéhuwa, éta sarua jeung ngalakukeunana keur Mantenna. Siloka 19:17 nyebutkeun, ”Barang bere ka nu miskin ibarat nginjeumkeun ka PANGERAN. Mantenna nu baris ngabalesna.” Yéhuwa merhatikeun basa urang némbongkeun welas asih ka batur. Sanajan Mantenna Nu Nyiptakeun jagat raya, Mantenna nganggap tindakan éta sabagé hutang nu bakal dibayar ku Mantenna ku berkah. Yésus ogé ngajamin hal éta.​—Luk. 14:13, 14. w17.04 28 ¶3-4

Kemis, 27 Juni

Resep nurut kana Hukum PANGERAN, bari diulik beurang peuting.​—Jab. 1:2.

Naon deui nu bisa nguatkeun kanyaah urang kana bebeneran Alkitab? Urang kudu getol masamoan sangkan diajar ku Yéhuwa. Salah sahiji cara utamana nyaéta dina palajaran Warta Hadé unggal minggu. Lamun urang hayang narima mangpaat tina pasamoan ieu, alusna mah urang nyiapkeun heula palajaranana. Contona, urang bisa mariksa unggal ayat nu disebutkeun. Kiwari, urang bisa maca atawa ngunduh Warta Hadé digital lantaran éta aya dina loba basa di situs Internét jw.org jeung dina aplikasi JW Library. Dina sababaraha format digital, urang bisa langsung muka ayat nu disebutkeun. Sanajan kitu, lamun urang hayang beuki nyaah kana bebeneran, urang kudu taliti maca ayatna jeung ngalenyepan ayat éta. w17.05 18 ¶14

Jumaah, 28 Juni

Urang teh kudu nyanggakeun tanggung jawab ka Allah tina kalakuan urang masing-masing.​—Rum 14:12.

Sanggeus dibaptis, urang hayang nyumponan pangbaktian urang ku cara tetep satia ngawula Allah. Sakalina urang ikrar rék ngawula ka Yéhuwa, éta moal bisa dilétak deui. Lamun aya hiji jalma nu embung ngawula deui ka Yéhuwa, manéhna teu bisa méré alesan yén baheula téh manéhna teu bener-bener ngabakti ka Yéhuwa jeung baptisanana teu sah. Jalma nu geus ngabakti ka Yéhuwa tapi ngalampahkeun dosa gedé kudu tanggung jawab ka Yéhuwa jeung ka sidang. Urang embung dicawad ku Yésus, ”Maneh geus teu nyaah ka Kami cara keur anyaran.” Sabalikna, urang hayang dipuji ku Yésus, ”Kami nyaho panggawe maneh. Kami nyaho kanyaah maneh, kasatiaan maneh, pangabdian maneh, jeung kasabaran maneh. Kami nyaho eta kabeh dilakonan ku maneh leuwih ti basa keur anyaran.” (Wahyu 2:4, 19) Urang hayang nyukakeun Yéhuwa ku cara sumanget nyumponan ikrar pangbaktian urang. w17.04 7 ¶12-13

Saptu, 29 Juni

PANGERAN teh panulung maraneh anu digjaya, adil sampurna dina saniskara.​—Pam. 32:4.

”Kapan anu jadi hakim sabumi teh kedah nyepeng hukum adil.” (Kaj. 18:25) Kekecapan Ibrahim ieu téh némbongkeun yén manéhna yakin Yéhuwa bakal ngahukum Sadumu jeung Gomora kalawan adil sampurna. Manéhna percaya yén ”jalmi-jalmi anu taya kalepatanana mah ku Gusti moal ngiring dibasmi . . . sareng nu daroraka”. Ceuk Ibrahim éta téh ”mustahil”. Manéhna bisa yakin kitu lantaran Yéhuwa téh conto panghadéna dina némbongkeun kaadilan. Jadi, lantaran papakon Yéhuwa salawasna bener, Mantenna ngahakiman sagala hal ku cara nu bener. Ceuk Alkitab, ”PANGERAN cinta kajujuran jeung kaadilan.”​—Jab. 33:5. w17.04 15 ¶1-2

Minggu, 30 Juni

Pikeun simkuring mah, taya deui anu matak leuwih bungah, lian ti upama ngadenge nu jadi anak aya dina jalan anu bener.​—3 Yoh. 4, ”SF”.

Kolot, tuladan Sadérék téh penting pisan sangkan barudak nyobat jeung Yéhuwa sarta bisa hirup langgeng. Lamun barudak ningali Sadérék ’ngupayakeun heula tunduk kana parentah jeung pangersa Allah’, maranéhna diajar pikeun ngandel ka Yéhuwa dina kahirupan sapopoé. (Mat. 6:33, 34) Utamakeun dines ka Yéhuwa ti batan néangan leuwih loba harta banda. Hirup basajan jeung sabisa-bisa ulah ngahutang. Upayakeun pikeun ”beunghar di sawarga” nyaéta kamanah ku Yéhuwa, ti batan néangan harta banda jeung ”pamuji ti pada jalma”. (Mar. 10:21, 22; Yoh. 12:43) Ulah sibuk teuing nepi ka teu boga waktu keur barudak. Maranéhna kudu nyaho yén Sadérék reueus lamun maranéhna miheulakeun Yéhuwa ti batan néangan duit atawa pamuji, boh keur Sadérék boh keur maranéhna. Singkahan cara pikir nu salah yén barudak kudu nyadiakeun kahirupan nu genah keur kolotna. Sing inget, ”lain anak anu kudu maraban kolot, tapi kolot anu kudu maraban anak”.​—2 Kor. 12:14. w17.05 9-10 ¶3-4

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun