Juli
Senén, 1 Juli
Kudu ngarendahkeun maneh kana panangan Allah nu ngagem kawasa, supaya ari geus dina waktuna aranjeun ku Mantenna dijungjung.—1 Pet. 5:6.
Sébna téh ’kapala karatonna’ Raja Hiskia sarta boga loba wewenang. (Yes. 22:15) Tapi, Sébna jadi sombong jeung hayang dianggap penting. (Yes. 22:16-18) Ku sabab Sébna hayang ngamulyakeun dirina, Yéhuwa masihkeun tugas manéhna ka Élyakim. (Yes. 22:19-21) Ieu kajadian basa Raja Sanhérib ti Asur rék narajang Yérusalém. Ka dieunakeun, Sanhérib ngutus sababaraha gegedén jeung balad gedé pikeun nyingsieunan urang Yuda sarta maksa Raja Hiskia nyerah. (2 Rja. 18:17-25) Hiskia ngutus Élyakim jeung dua gegedén pikeun nepungan maranéhna. Salah sahiji nu diutus téh Sébna nu basa éta jadi sékertaris. Harita, Sébna bisa jadi geus diajar pikeun rendah haté sarta teu pundung jeung nyeri haté. Manéhna réla boga jabatan nu leuwih rendah. w18.03 23-24 ¶7-8, 10
Salasa, 2 Juli
Sing narurut kana panuyun Roh Allah, ulah nurut kana kahayang napsu.—Gal. 5:16.
Ulah nyerah lamun urang masih kénéh condong mikirkeun harta banda jeung kasenangan. Suhunkeun roh suci Yéhuwa supaya pikiran urang condong kana hal-hal nu bener. (Luk. 11:13) Inget Rasul Pétrus. Pikiran manéhna teu salawasna luyu jeung pikiran Kristus. (Mat. 16:22, 23; Luk. 22:34, 54-62; Gal. 2:11-14) Tapi, manéhna teu nyerah. Yéhuwa mantuan manéhna. Lila-lila, pikiran Pétrus luyu jeung pikiran Kristus. Urang ogé bisa siga kitu. Ka dieunakeun, Pétrus ngarinci sipat-sipat nu bisa ngabantu urang. (2 Pet. 1:5-8) Urang kudu mekarkeun kadali diri, katabahan, kanyaah ka batur sakapercayaan, jeung sipat-sipat hadé séjénna. Unggal poé, urang bisa ngalenyepan, ’Poé ieu, sipat naon nu rék diupayakeun sangkan karohanian abdi leuwih kuat?’ w18.02 26 ¶12-13
Rebo, 3 Juli
Ta’at kana pangersa-Na, tara mawa karep sorangan.—Ayub 23:12.
Ayub paham prinsip-prinsip Allah. Ku lantaran bener-bener wanoh ka Yéhuwa, manéhna kageuing pikeun ngalampahkeun nu bener. Contona, Ayub sadar yén mikanyaah Allah téh hartina kudu bageur ka batur. (Ayub 6:14, NW) Manéhna ogé teu ngarasa diri leuwih punjul ti batur, tapi manéhna nganggap batur sabagé kulawargana sorangan, teu sual beunghar atawa miskin. Ceuk Ayub, ”Boh kuring boh badega, tunggal dadamelan Allah.” (Ayub 31:13-22) Basa Ayub beunghar jeung boga kawasa gé, manéhna teu sombong jeung teu nyapirakeun batur. Manéhna béda pisan jeung kalolobaan jalma kiwari nu beunghar jeung boga kawasa. Keur Ayub mah nanaon gé, kaasup kakayaan, henteu leuwih penting ti batan Yéhuwa sabab manéhna teu hayang ”mungkir ti Nu Maha Kawasa”. (Ayub 31:24-28) Pikeun Ayub, perkawinan téh ikrar nu suci di antara salaki pamajikan. Manéhna nepi ka ikrar moal pelang-pelong ka mojang bari dilamun.—Ayub 31:1. w18.02 13 ¶16; 14 ¶18-19
Kemis, 4 Juli
[Nuh] jelema nu hade teh. Hirupna rumaket ka Allah.—Kaj. 6:9.
Nuh teu ngarasa cukup jadi jelema bener wungkul. Manéhna ogé wani ngabuktikeun imanna ku cara ”ngelingan ka eta nu daroraka”. (2 Pet. 2:5) Rasul Paulus nyebutkeun ngeunaan Nuh, ”Dunya ieu dihukum, tapi [Nuh] mah ku Allah diangken jelema bener, lantaran percaya.” (Ibr. 11:7) Teu héran lamun Nuh diléléwé jeung dihalang-halang ku maranéhna. Malahan bisa jadi maranéhna ngancam rék nyilakakeun Nuh. Tapi, Nuh teu sieun. (Sil. 29:25) Justru manéhna nunjukkeun iman, ku kituna Yéhuwa masihan kawani. Mantenna ogé masihan kawani ka umatna nu satia kiwari. Basa dititah ngawangun bahtera gedé, Nuh geus satia ka Yéhuwa leuwih ti 500 taun. Bahtera éta bisa dipaké keur nyalametkeun sababaraha manusa jeung sasatoan basa Caah Gedé datang. (Kaj. 5:32; 6:14) Ngawangun bahtera sagedé kitu téh pasti teu gampang. Manéhna ogé sadar yén batur bakal beuki ngaléléwé jeung nyangsarakeun manéhna. Sanajan kitu, Nuh tetep iman jeung taat ka Yéhuwa. Sakabéh ”timbalan Allah ku [Nuh] dijalankeun”.—Kaj. 6:22. w18.02 4-5 ¶4, 6-7
Jumaah, 5 Juli
Mana teuing hadena jeung senangna, lamun . . . runtut-raut hirupna!—Jab. 133:1.
Hiji cara penting pikeun ngupayakeun kasatunggalan nyaéta nyonto cara Yéhuwa dina némbongkeun kanyaah. (1 Yoh. 4:8) Urang moal ngomong, ”Urang mémang kudu akur, tapi teu kudu akrab pan?” Lamun boga pamikiran siga kitu, urang henteu nuturkeun naséhat Paulus, ”Kudu silih pikanyaah, silih kanyahokeun.” (Epe. 4:2) Perhatikeun, Paulus teu ngan saukur ngomong ”silih kanyahokeun”, tapi ogé ”kudu silih pikanyaah”. Ieu téh dua hal nu béda. Di sidang, aya rupa-rupa jalma. Yéhuwa narik maranéhna. (Yoh. 6:44) Mantenna pasti ningali loba kahadéan matak nyaah ka maranéhna. Lamun maranéhna dipikanyaah ku Yéhuwa, maenya urang henteu daék nyaah? Urang kudu enya-enya mikanyaah maranéhna saperti nu dipiharep ku Yéhuwa.—1 Yoh. 4:20, 21. w18.01 13 ¶14
Saptu, 6 Juli
Meungpeung keur ngora, kudu eling ka Anu nyipta maraneh.—Pan. 12:1.
Sababaraha kolot mikir yén budakna bakal leuwih siap dibaptis sanggeus sakola luhur jeung meunang pagawéan nu alus. Mémang, niatna mah alus, tapi kolot ogé kudu mikirkeun, ’Naha éta bisa nyieun budak urang bener-bener suksés? Naha ieu luyu jeung pangajaran Alkitab? Urang kudu inget yén dunya ieu jeung eusina papalingpang jeung kahoyong sarta cara pikir Yéhuwa. (Yak. 4:7, 8; 1 Yoh. 2:15-17; 5:19) Sosobatan nu raket jeung Yéhuwa téh panyalindungan nu panghadéna ti pangaruh Sétan, dunya ieu, sarta cara pikir dunya nu goréng. Lamun kolot miheulakeun sakola luhur jeung pagawéan nu alus, budak bakal mikir yén dunya ieu leuwih penting ti batan sosobatan jeung Yéhuwa. Ieu téh bahaya. Sabagé kolot nu nyaah ka budak, naha Sadérék réla dunya ieu ngajarkeun carana hirup bagja ka budak Sadérék? Hiji-hijina cara pikeun suksés jeung bener-bener bagja téh nyaéta miheulakeun Yéhuwa dina kahirupan.—Jab. 1:2, 3. w18.03 11-12 ¶10-11
Minggu, 7 Juli
Upayakeun heula diri tunduk kana parentah jeung pangersa Allah.—Mat. 6:33.
Loba hamba Yéhuwa ngupayakeun hirup basajan. Ku cara kitu, maranéhna jadi boga leuwih loba waktu pikeun ngawula Yéhuwa jeung ngarasa leuwih bagja. Jack ngajual imahna nu gedé jeung bisnisna sangkan bisa naratas bareng jeung pamajikanana. Manéhna nyarita yén geus mangtaun-taun manéhna strés ku masalah pagawéan. Manéhna ngomong, ”Pun bojo nu naratas mani bagja hirupna. Manéhna sok ngomong, ’Dunungan abdi mah nu pangbageurna!’ Ayeuna, sanggeus abdi naratas, urang duaan ngawula ka Dunungan nu sarua, Yéhuwa.” Waktu mariksa sikep urang kana duit, urang kudu jujur jeung ngalenyepan, ’Naha geus katingali lamun hirup abdi luyu jeung pituduh Alkitab ngeunaan duit? Naha néangan duit téh geus jadi nu pangpentingna? Naha abdi leuwih mentingkeun harta banda ti batan hubungan abdi jeung Yéhuwa sarta jalma séjén? Naha abdi bener-bener percaya yén Yéhuwa bakal nyumponan pangabutuh abdi?’ Urang bisa yakin yén Mantenna moal nguciwakeun saha waé nu ngandel ka Mantenna! w18.01 24-25 ¶12-13
Senén, 8 Juli
Turut sing leuwih . . . Sing terus rarajin jeung sieun ku Allah supaya kasalametan aranjeun jadi sampurna.—Pil. 2:12.
Unggal jalma boga tanggung jawab penting pikeun ngupayakeun kasalametanana sorangan. Ku kituna, Sadérék perlu maca jeung ngalenyepan Firman Allah, ngadoa ka Yéhuwa, sarta mikirkeun berkah-berkah nu dipasihkeun Yéhuwa ka Sadérék. Ieu bisa ngabantu Sadérék leuwih yakin yén Yéhuwa téh sobat Sadérék. Sadérék jadi kajurung pikeun nyaritakeun kapercayaan Sadérék ka batur. (Jab. 73:28) Yésus ngomong, ”Nu rek anut ka Kami kudu ninggalkeun kapentingan pribadi, kudu manggul salibna [”tihang siksaanana”, NW] tuluy ngiring ka Kami.” (Mat. 16:24) Pikeun jadi murid Yésus, unggal urang Kristen kudu ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis. Ieu téh awal tina kahirupan nu éndah ayeuna, jeung ngahasilkeun hirup langgeng di dunya anyar engkéna. Jadi, sing satékah polah dina ngupayakeun kasalametan Sadérék! w17.12 26 ¶18-19
Salasa, 9 Juli
Kudu boga tabeat . . . sabar.—Kol. 3:12.
Lamun kolot sabar waktu ngajar barudak, dina waktuna barudak bakal paham ”legana jeung panjangna, luhurna jeung jerona” iman Kristen. (Epe. 3:18) Pangajaran urang kudu cocog jeung umur sarta pamahaman barudak. Beuki kuat iman barudak, beuki gampang maranéhna ngabéla imanna, kaasup di hareupeun batur sakola. (1 Pet. 3:15) Contona, naha budak Sadérék bisa ngajelaskeun tina Alkitab ngeunaan kaayaan nu maot? Naha pangajaran Alkitab asup akal pikeun manéhna? Sing inget yén kasabaran Sadérék dina ngabantu barudak pikeun ngawangun iman ka Firman Allah moal cumah. (Pam. 6:6, 7) Tangtu, tuladan Sadérék ogé penting dina ngawangun iman barudak. Stephanie nu boga tilu budak nyarita, ”Abdi osok mastikeun, ’Naha abdi nyaritakeun ka barudak alesan abdi percaya yén Allah téh aya, nyaahan, jeung bener sagala jalan-Na?’ Abdi teu bisa ngarepkeun barudak percaya ka bebeneran lamun abdi sorangan gé henteu.” w17.12 17 ¶8-10
Rebo, 10 Juli
Dulur maneh tangtu hirup deui.—Yoh. 11:23.
Ku naon Marta sakitu yakinna yén dulurna bakal dihirupkeun deui? Lantaran manéhna apal yén baheula aya jalma-jalma nu dihirupkeun deui. Bisa jadi manéhna diajar hal éta di imah atawa di sinagoga basa keur leutik kénéh. Aya tilu kisah ngeunaan dihudangkeunana nu maot. Perhatikeun nu kahiji. Ieu kajadian dina mangsa Allah masihan Nabi Élias kawasa pikeun nyieun mujijat. Di kaléreun Israil, di kota Sarpat di daérah Pénésia, aya saurang randa miskin nu béréhan ka Nabi Élias. Ku mujijat Yéhuwa, tipung jeung minyak éta randa teu béak-béak, jadi manéhna jeung putrana bisa tetep hirup. (1 Rja. 17:8-16) Ka dieunakeun, putrana gering tuluy maot. Élias nulungan manéhna. Bari nangkubkeun diri kana awak éta budak, Élias sasambat ka Yéhuwa sangkan éta budak hirup deui. Allah ngadangukeun doana, sarta ngahirupkeun deui éta budak. Ieu kisah dihudangkeunana nu maot nu mimiti dicatet dina Alkitab. (1 Rja. 17:17-24) Tangtu, Marta apal kana mujijat ieu. w17.12 3 ¶1; 4 ¶3, 5-6
Kemis, 11 Juli
Maraneh . . . moal bisa ngabdi ka Allah bari ngawula kana duit.—Mat. 6:24.
Jalma-jalma mapatahan urang pikeun ngagunakeun waktu jeung tanaga keur ngudag kariér, utamana nu bisa nyieun urang kasohor, boga kawasa, jeung beunghar. Lantaran loba nu mikir yén kariér nu alus téh konci kabagjaan, bisa jadi urang gé mikir kitu. Naha enya urang bakal bagja lamun boga kariér alus? Henteu. Pék pikirkeun, Sétan hayang boga kawasa jeung kasohor. Tapi sanggeus éta kacumponan, manéhna tetep wé teu bagja jeung ambek-ambekan. (Mat. 4:8, 9; Wahyu 12:12) Sabalikna, urang bagja pisan waktu mantuan batur diajar ngeunaan Allah jeung jangji-jangji éndah dina mangsa kahareup. Moal aya kariér di dunya ieu nu bisa méré kabagjaan sarupa kitu. Salian ti éta, pikeun ngudag kariér nu alus, jalma-jalma kudu paunggul-unggul, pasirik-sirik, jeung teu aya karunya. Tapi, tungtungna maranéhna teu ngarasa puas. Ceuk Alkitab, maranéhna ibarat ”ngajaring angin”.—Pan. 4:4. w17.11 24 ¶11-13
Jumaah, 12 Juli
Aranjeunna nganyanyikeun hiji lagu pupujian. Ti dinya terus kaluar, ngajugjug ka Gunung Jetun.—Mat. 26:30.
Di jaman Yésus, musik ogé jadi bagian penting dina ibadah sajati. Perhatikeun naon nu kajadian dina poé nu pangpentingna di sapanjang sajarah. Sanggeus Yésus ngayakeun Jamuan Wengi jeung murid-muridna, maranéhna ngawihkeun lagu pupujian. Urang Kristen di abad kahiji jadi tuladan dina ngawih muji Allah. Teu siga urang Israil nu ibadah di bait, urang Kristen mah ibadah di imah-imah. Sanajan imah-imah éta teu sarua alusna siga bait Yérusalém, maranéhna tetep ngawih kalawan sumanget. Rasul Paulus ngabéjaan dulur-dulurna, ”Kudu silih ajar jeung silih tuduhan kalawan bijaksana sabisa-bisa. Nyanyikeun jabur-jabur, lagu-lagu pupujian jeung lagu-lagu rohani, sanggakeun ka Allah dibarengan ku rasa tumarima ka Mantenna sajeroning hate.” (Kol. 3:16) Urang ogé kudu ngawihkeun ”lagu-lagu rohani” pinuh ku rasa sukur. Éta téh kaasup dahareun rohani nu disadiakeun ku ”gandek satia jeung bijaksana” pikeun urang.—Mat. 24:45. w17.11 4 ¶7-8
Saptu, 13 Juli
Kudu milih tempat-tempat anu cocog dijieun kota suaka.—Bil. 35:11.
Yéhuwa netepkeun sangkan genep kota suaka babari dijugjugna. Mantenna maréntahkeun urang Israil pikeun milih tilu kota di wétaneun Yordan jeung tilu deui di kuloneun Yordan. Ku naon? Sangkan gancang jeung babari dijugjug ku urang Israil nu teu ngahaja maéhan. (Bil. 35:12-14) Jalan ka dituna ogé dijaga tetep alus. (Pam. 19:2, 3) Numutkeun hiji karya tulis Yahudi, aya tanda-tanda di jalan sangkan jalma nu teu ngahaja maéhan babari manggihan éta kota. Ku sabab aya kota-kota suaka di Israil, manéhna teu kudu nyalindung ka nagri séjén, nu bisa ngalantarankeun manéhna nyembah allah palsu. Sanajan Yéhuwa geus maréntahkeun sangkan jalma nu maéhan dihukum pati, Mantenna netepkeun aturan sangkan nu teu ngahaja ngalakukeunana bisa dipikawelas jeung dilindungan. Saurang ahli Alkitab ngomong yén jalan ka éta kota dijieun sangkan gampang dijugjug sarta aturanana gé gampang dipikaharti. Yéhuwa lain hakim telenges nu resep ngahukum hamba-hamba-Na. Sabalikna, Mantenna ”jembar ku piwelas”.—Epe. 2:4. w17.11 16 ¶4-5
Minggu, 14 Juli
Hiap baralik deui ka Kami, tangtu Kami oge balik deui ka maraneh.—Jak. 1:3.
Nabi Jakaria meunang titingalian nu ahéng, nyaéta gulungan kitab nu ngalayang, karanjang nu di jerona aya awéwé, sarta dua awéwé nu keur hiber nu jangjangna siga jangjang bango. (Jak. 5:1, 7-9) Ku naon Yéhuwa masihan titingalian nu ahéng ieu ka éta nabi? Titingalian Jakaria nu kagenep jeung katujuh méré pangéling nu sérius pikeun jalma nu ngalampahkeun kajahatan. Yéhuwa moal ngantep kajahatan terus aya. Salaku hamba Allah, urang gé kudu ijid kana kajahatan. Titingalian ieu ngayakinkeun yén lamun urang ngupayakeun kamanah ku Bapa, Mantenna moal méré panyapa tapi bakal ngalindungan jeung ngaberkahan urang. Tetep bersih di dunya nu jahat ieu téh mémang hésé, tapi ku bantuan Yéhuwa, urang bisa hasil! w17.10 15 ¶1; 20 ¶19
Senén, 15 Juli
Awewe anu geus karolot . . . tingkah polahna kudu sing sakumaha tingkah polah wanita anu ibadah, . . . ka papada awewe anu ngarora kudu daek papatah.—Tit. 2:3, 4.
Sadérék istri nu léngoh kénéh bisa kabukti kuat haté dina ngawula Yéhuwa ku cara naratas, pindah ka daérah nu leuwih ngabutuhkeun, ngarojong program Rancang/Bangun Setempat, sarta ngalamar pikeun miluan Sakola kanggo Pawarta Injil Karajaan. Malahan aya nu diondang ka Sakola Giléad. Urang nyaah sarta ngajénan sadérék istri nu geus karolot di sidang sanajan maranéhna teu bisa ngalakukeun hal-hal éta. Sanajan pangawulaan maranéhna teu siga baheula, maranéhna bisa tetep kuat haté jeung sumanget digawé. Contona, saurang sadérék istri nu geus kolot kudu kuat haté waktu kokolot sidang ménta manéhna mapatahan sadérék istri nu leuwih ngora ngeunaan papakéan nu pantes. Tangtu manéhna moal langsung nyarékan, tapi ku cara nu lembut, manéhna bakal ngabantu sadérék istri nu leuwih ngora éta sangkan paham yén pilihanana bisa mangaruhan batur. (1 Tim. 2:9, 10) Lamun sadérék istri nu geus karolot némbongkeun kanyaah sarupa kitu, sidang jadi leuwih kuat. w17.09 31 ¶17-18
Salasa, 16 Juli
Hidep . . . bakal meunang kanyaho tina hal Allah.—Sil. 2:5.
Geus mangtaun-taun, loba pangawasa ngahalangan masarakat maca Alkitab. Tapi, jalma nu nyaah ka Allah terus ngupayakeun sangkan Alkitab tetap aya keur kabéh jalma. Salah sahijina téh John Wycliffe, nu hirup di Inggris di abad ka-14. Manéhna yakin yén kabéh jalma kudu bisa maca Alkitab. Harita, kalolobaan urang Inggris tara ngadéngé eusi Alkitab dina basa indungna. Dina taun 1382, John Wycliffe jeung babaturanana narjamahkeun Alkitab ka basa Inggris. Tarjamahan ieu kasohor di kalangan kaom Lollard. Maranéhna nyaah ka Alkitab. Kaom Lollard osok leumpang nganjangan désa-désa di Inggris pikeun macakeun Alkitab tur ngabagikeun salinan bagian Alkitab nu ditulis leungeun. Ratusan taun sanggeusna, jalma-jalma di Eropa jeung nagri séjén mulai narjamahkeun jeung nyitak Alkitab dina basa nu dipikaharti ku loba jalma. w17.09 18 ¶10-12
Rebo, 17 Juli
Kawin teh loba karepot, unggal poe loba uruseun.—1 Kor. 7:28.
Salaki pamajikan nu teu bisa boga turunan bisa nalangsa. (Sil. 13:12) Dina jaman Alkitab, nikah jeung boga turunan téh penting pisan keur awéwé. Éta sababna, Rahél, pamajikan Yakub, jadi aral waktu manéhna teu bisa boga anak, padahal lanceukna boga loba anak. (Kaj. 30:1, 2) Aya kasangsaraan séjénna nu bisa kaalaman ku pasangan salaki pamajikan, nyaéta lamun batur hirupna maot. Sanajan maranéhna teu pernah ngabayangkeun éta bakal kajadian, loba nu kudu ngalaman kasusah ieu. Urang Kristen iman kana jangji pihudangeunana nu maot. Hal ieu ngalilipur maranéhna. (Yoh. 5:28, 29) Dina Firman-Na, Bapa urang, Yéhuwa, masihan loba jangji nu bisa ngalilipur urang dina kaayaan sulit. w17.06 3 ¶1; 4 ¶6; 5 ¶9
Kemis, 18 Juli
Kami PANGERAN, nya eta Allah anu sipat welas, sipat karunya.—Bud. 34:6.
Dina hiji kajadian, Yéhuwa ngungkabkeun diri-Na ka Musa ku cara masihan terang nami-Na jeung sababaraha sipat-Na. Yéhuwa bisa waé nonjolkeun kawasa jeung hikmat-Na, tapi Mantenna malah nyebutkeun sipat welas jeung karunya-Na. (Bud. 34:5-7) Yéhuwa nonjolkeun sipat-sipat éta pikeun ngayakinkeun Musa yén Mantenna bakal ngadukung manéhna. (Bud. 33:13) Sanajan diciptakeun boga sipat karunya, urang masih teu sampurna jeung condong mentingkeun diri. Sakapeung, urang sok hésé basa rék milih nulungan batur atawa rék ngurus kapentingan sorangan baé. Kumaha sangkan urang bisa leuwih perhatian ka batur? Kahiji, talungtik kumaha Yéhuwa jeung hamba Allah séjénna némbongkeun sipat ieu. Kadua, pikirkeun carana nyonto sipat karunya Mantenna sarta mangpaatna keur urang. w17.09 9 ¶1; 10 ¶3
Jumaah, 19 Juli
Sing silih hormatan, batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan.—Pil. 2:3.
Niat urang maké kapribadian anyar téh lain hayang dipuji, tapi sakuduna hayang ngamulyakeun Yéhuwa. Inget yén malaikat nu sampurna gé bisa jadi adigung jeung ngalakukeun dosa. (Bandingkeun Yeheskel 28:17.) Komo deui urang nu teu sampurna, nyingkahan sipat adigung téh teu gampang. Tapi, urang tetep bisa miboga sipat rendah haté. Kumaha carana? Salah sahijina nyaéta maca Firman Allah unggal poé tur ngalenyepanana. (Pam. 17:18-20) Utamana, urang kudu ngalenyepan pangajaran Yésus jeung tuladanna dina némbongkeun karendahan haté. (Mat. 20:28) Sakitu rendah haténa, Yésus nepi ka daék ngumbah suku murid-muridna. (Yoh. 13:12-17) Urang ogé bisa ngadoa nyuhunkeun roh suci Yéhuwa. Roh-Na bisa mantuan urang ngalawan parasaan leuwih unggul ti batur.—Gal. 6:3, 4. w17.08 24 ¶11-12
Saptu, 20 Juli
Unjukkeun ka Allah saban neneda . . . Katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate jeung pikiran aranjeun.—Pil. 4:6, 7.
Bisa jadi urang sadaya pernah nyuhunkeun bantuan Yéhuwa pikeun nyieun putusan sarta ngarasa geus nuturkeun tungtunan roh suci. Tapi sanggeus éta, urang malah nyanghareupan loba masalah atawa kudu nyieun parobahan nu gedé pisan dina kahirupan. (Pan. 9:11) Naon nu bisa ngabantu urang ngarasakeun ’katengtreman ti Allah’ jeung teu ”salempang naon-naon”? Tina surat Paulus ka urang Pilipi, urang nyaho yén ubarna salempang téh nyaéta ngadoa. Jadi basa urang salempang, urang kudu ngunjukkeunana liwat doa. (1 Pet. 5:6, 7) Waktu ngadoa ka Yéhuwa, urang kudu yakin yén Mantenna merhatikeun urang. Haturkeun nuhun unggal Sadérék narima berkah. Terus inget yén Yéhuwa bisa masihan ”leuwih ti anu aya dina angen-angen” urang.—Epe. 3:20. w17.08 10 ¶4; 11 ¶6; 12 ¶10
Minggu, 21 Juli
Kudu getol tatanya heula, tangtu hasil nya maksud. Mun teu kitu bororaah.—Sil. 15:22.
Loba urang Kristen ngarasa bagja lantaran jadi panaratas ti ngongora. Lamun ngora kénéh, anjeun bisa ngobrolkeun rencana anjeun jeung maranéhna. Maranéhna bisa jadi méré nyaho yén naratas téh mangrupakeun pendidikan nu hadé keur kahirupan anjeun. Yésus diajar loba hal ti Bapana basa keur di sawarga. Anjeunna ogé terus diajar basa ngalalayanan di bumi. Anjeunna bagja basa ngawawarkeun warta hadé jeung tetep satia dina kaayaan sulit. (Yes. 50:4; Ibr. 5:8; 12:2) Yésus nugaskeun urang pikeun ’ngajadikeun murid’ jeung ngajar batur. (Mat. 28:19, 20) Lamun ieu dijadikeun kariér, anjeun bakal boga kahirupan nu nyugemakeun lantaran ngamulyakeun Allah. Saperti kariér nu séjén, butuh waktu sangkan jadi ahli. w17.07 22-23 ¶6-7
Senén, 22 Juli
Maraneh . . . ku Kami bakal dihegar-hegar.—Yes. 66:13.
Yéhuwa, Bapa nu welas asih, sumber utama panglilipur. (2 Kor. 1:3, 4.) Nu keur saredih dikantunkeun ogé bisa meunang panglilipur ti sidang. (1 Tes. 5:11) Kumaha Sadérék bisa nguatkeun jeung ngalilipur maranéhna nu ”nguluwut bae”? (Sil. 17:22) Inget yén ”aya waktuna ngajejempe, aya waktuna nyarita”. (Pan. 3:7) Hiji randa nu ngaranna Dalene ngajelaskeun yén jalma nu sedih dikantunkeun kudu ngungkabkeun pikiran jeung parasaanana. Jadi, nu paling penting téh nyaéta Sadérék ngaregepkeun manéhna, ulah motong. Junia, nu lanceukna bunuh diri nyarita, ”Sanajan Sadérék teu bener-bener paham kana kasedih maranéhna, nu penting mah Sadérék hayang paham kana parasaan maranéhna.” Urang kudu inget yén kasedih unggal jalma jeung cara ngungkabkeunana téh béda-béda. w17.07 10 ¶3; 11 ¶11; 12 ¶12-13
Salasa, 23 Juli
Supados maranehna ngarasa, yen mung Gusti nu jumeneng PANGERAN, anu murbeng sakuliah jagat.—Jab. 83:19.
Loba jalma kiwari mentingkeun duit. Éta wé nu dipikirkeun jeung dihariwangkeun ku maranéhna. Maranéhna méakkeun loba waktu keur ngumpulkeun loba duit. Nu séjénna, leuwih ngutamakeun masalah kulawarga, kaséhatan, jeung cita-cita dina kahirupan. Tapi, aya masalah nu leuwih penting deui ti batan hal-hal éta, nyaéta ditanjeurkeunana kadaulatan Yéhuwa. Ieu hal nu kudu terus urang perhatikeun. Lamun urang teu waspada, urang bisa mopohokeun pentingna hal éta lantaran diririweuh ku kagiatan sapopoé atawa masalah sorangan. Lamun urang ngadukung kadaulatan Yéhuwa, urang bakal leuwih siap nyanghareupan masalah sapopoé, sarta bisa leuwih raket ka Mantenna. w17.06 15 ¶1-2
Rebo, 24 Juli
Turutan sim kuring, saperti sim kuring nurutan tuladan Kristus.—1 Kor. 11:1.
Yéhuwa welas asih dina ngagunakeun kawasa-Na. Kapala kulawarga jeung kokolot sidang nu ngadukung kadaulatan Yéhuwa bakal nyonto Mantenna sarta moal kasar atawa loba nungtut. Rasul Paulus bajoang pikeun nyonto Allah jeung Putra-Na. Sangkan batur ngalampahkeun nu bener, Paulus ngageuing haté maranéhna, lainna maksa atawa nyieun maranéhna jadi éra. (Rum 12:1; Epe. 4:1; Pilm. 8-10) Dina hal ieu, Paulus nyonto Yéhuwa. Lamun urang welas asih ka batur, urang ngadukung kadaulatan Mantenna. Urang ogé ngadukung pamaréntahan Yéhuwa ku cara tunduk jeung ngajénan maranéhna nu dipasihan wewenang. Sanajan urang teu pati paham atawa satuju kana putusan maranéhna, urang tetep ngadukung maranéhna. Jalma-jalma di dunya mah teu kitu, tapi urang bakal ngalakukeun hal éta lantaran ngangken Yéhuwa salaku Pangawasa.—Epe. 5:22, 23; 6:1-3; Ibr. 13:17. w17.06 24-25 ¶14-15
Kemis, 25 Juli
Hal silih pikanyaah . . . da geus tarerang . . . tina piwulang Allah.—1 Tes. 4:9.
Sadérék nu keur leutik haté, strés, atawa keur aya masalah, butuh diperhatikeun, digedékeun haténa, jeung dililipur. (Sil. 12:25; Kol. 4:11) Urang némbongkeun kanyaah ka ”batur sakapercayaan” dina ucap jeung lampah. (Gal. 6:10) Alkitab nyebutkeun lamun dina ”ahir jaman”, loba jalma bakal sararakah jeung ngan inget ka diri sorangan baé. (2 Tim. 3:1, 2) Sabagé urang Kristen, urang kudu bajoang pikeun mekarkeun kanyaah ka Yéhuwa, Firman-Na, jeung dulur saiman. Lantaran urang teu sampurna, bisa waé aya salah paham di sidang. Tapi ku lantaran nyaah, urang hayang geura ngaréngsékeun masalahna ku cara nu hadé. (Epe. 4:32; Kol. 3:14) Ku kituna, urang kudu terus nguatkeun kanyaah urang ka Yéhuwa, ka Firman-Na, jeung ka dulur saiman. w17.05 20 ¶17-18
Jumaah, 26 Juli
Lamun urang ngakukeun teu boga dosa, eta ngabobodo maneh.—1 Yoh. 1:8.
Geus teu anéh lamun urang ngalaman kateuadilan nu dilantarankeun ku jalma nu teu saiman. Tapi, iman urang diuji basa ningali atawa ngalaman nu kacirina siga kateuadilan di sidang Kristen. Lamun kitu, urang kudu kumaha? Naha urang bakal kuciwa? Urang kabéh teu sampurna jeung bisa salah, jadi bisa waé batur teu adil ka urang atawa urang nu teu adil ka batur di sidang. Sanajan ieu téh jarang, urang Kristen nu satia moal héran atawa kuciwa lamun ngalaman kateuadilan. Yéhuwa masihan naséhat dina Alkitab nu ngabantu urang tetep satia lamun ngalaman kateuadilan di sidang.—Jab. 55:13-15. w17.04 16 ¶4-5
Saptu, 27 Juli
Kawin teh loba karepot, unggal poe loba uruseun.—1 Kor. 7:28.
Lamun batur hirup Sadérék teu ngawula ka Yéhuwa, strés jeung kahariwangan bisa nambahan. Tapi, urang teu bisa pepegatan atawa pipisahan jeung batur hirup lantaran manéhna teu ngawula ka Yéhuwa. (1 Kor. 7:12-16) Sanajan salaki Sadérék teu ngawula Yéhuwa jeung teu ngarojong ibadah sajati, Sadérék kudu tetep ngajénan manéhna salaku kapala kulawarga. Kitu ogé, sanajan pamajikan teu ngawula Yéhuwa, Sadérék tetep kudu mikanyaah jeung lembut ka manéhna. (Epe. 5:22, 23, 28, 29) Kumaha lamun batur hirup ngawatesan ibadah Sadérék? Salaki ti hiji sadérék istri ngidinan pamajikanana dines ngan sababaraha poé saminggu. Lamun Sadérék ngalaman éta, pék pikirkeun: ’Naha batur hirup abdi bener-bener ngalarang abdi ngawula Yéhuwa? Lamun henteu, naha abdi bisa nurutkeun kahayang manéhna?’ Lamun Sadérék asup akal, Sadérék bisa ngurangan masalah dina perkawinan.—Yak. 3:17. w17.10 10-11 ¶7-8
Minggu, 28 Juli
Ajarkeun ka anak.—Pam. 6:7.
Geus dinubuatkeun yén loba ”urang asing bakal datang” ti sagala bangsa jeung basa ka organisasi Yéhuwa. (Jak. 8:23) Tapi, bakal hésé pikeun ngajarkeun bebeneran ka barudak lamun maranéhna teu bener-bener ngarti ka basa Sadérék. Barudak Sadérék téh palajar Alkitab nu pangpentingna. Ngan ku cara ”terang” ka Yéhuwa, maranéhna bisa hirup langgeng. (Yoh. 17:3) ”Ucapkeun” sing sering pangajaran Yéhuwa ka barudak Sadérék sangkan maranéhna ngarti. (Pam. 6:6, 7) Barudak Sadérék tangtu bakal diajar basa lokal di sakola jeung ti babaturanna. Tapi, maranéhna bakal diajar basa Sadérék lamun Sadérék sering ngobrol jeung maranéhna. Lamun maranéhna bisa nyarita maké basa Sadérék, maranéhna leuwih gampang pikeun ngobrol jeung ngungkabkeun parasaanana ka Sadérék. Tapi, aya mangpaat séjénna. Lamun barudak Sadérék bisa maké leuwih ti hiji basa, éta bakal ningkatkeun kamampuh pikirna jeung mantuan maranéhna pikeun paham kana pandangan batur. w17.05 10 ¶5-6
Senén, 29 Juli
Bawa ka Gunung Tabor. Engke Sisera, . . . ku Kami rek disina datang . . . Tapi maneh ku Kami baris dibere kaunggulan dina eta perang.—Hak. 4:6, 7.
Pasukan Yabin boga 900 karéta perang. Sabalikna, bangsa Israil mah teu bogaeun pakarang perang pikeun ngalawan jeung ngajaga dirina sorangan. (Hak. 4:1-3, 13; 5:6-8) Tapi, Yéhuwa méré paréntah nu disebutkeun dina ayat poé ieu ka Barak. Barak jeung prajuritna indit ka pangperangan di Taanak. (Hak. 4:14-16.) Naha Yéhuwa mantuan urang Israil? Enya. Breg hujan gedé turun tur taneuh jadi leutak. Kaayaan ieu nguntungkeun urang Israil. Balad Siséra diberik sajauh 24 kilométer nepi ka tempat nu disebut Harosét Hagoyim. Ku sabab karéta perang Siséra teu bisa maju dina leutak, manéhna lumpat ka Saananim, nu bisa jadi di deukeut Kadés. Di ditu, manéhna nyumput di kémah awéwé nu ngaranna Yaél. Manéhna capéeun terus reup saré tibra pisan. Basa keur saré, manéhna dipaéhan ku Yaél. (Hak. 4:17-21) Yéhuwa masihan kaunggulan ka bangsa Israil! w17.04 29 ¶6-8
Salasa, 30 Juli
PANGERAN baris mariksa perkara bangsa-bangsa. . . . nu jarahat tan wande dipaehan.—Yer. 25:31.
Sanggeus Armagédon, naha masih aya organisasi di bumi? Ceuk Alkitab, ”Ari urang mah aya anu diarep-arep, nya eta langit anyar jeung bumi anyar anu diereh ku kaadilan, sakumaha anu geus dijangjikeun ku Allah.” (2 Pet. 3:13) Langit jeung bumi nu heubeul téh pamaréntah nu korup sarta jalma-jalma nu dikawasaan ku maranéhna. Sanggeus maranéhna euweuh, naon nu ngagantikeunana? ”Langit anyar jeung bumi anyar.” Langit anyar téh pamaréntahan anyar, nyaéta Karajaan nu diparéntah ku Yésus Kristus bareng jeung 144.000. Bumi anyar ngamaksudkeun jalma-jalma nu jadi rahayat Karajaan Allah. Yésus jeung 144.000 bakal nyonto Yéhuwa nu resep kana kabérésan. (1 Kor. 14:33) Ku kituna, ”bumi anyar” bakal tartib. Bumi ieu bakal diurus ku jalma-jalma nu hadé. (Jab. 45:17) Maranéhna bakal dibingbing ku Kristus jeung 144.000. Pék bayangkeun kaayaanana basa sakabéh organisasi nu jarahat digantikeun ku hiji-hijina organisasi nu hadé! w17.04 12 ¶8-9
Rebo, 31 Juli
Lalaki teh baris . . . ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal.—Kaj. 2:24.
Perkawinan téh suci jeung ikrarna dianggap sérius pisan ku Yéhuwa. Pangantén nyebutkeun ikrarna disaksian ku Yéhuwa jeung sakabéh jalma nu hadir. Biasana maranéhna jangji pikeun silih pikacinta, pikanyaah, jeung silih ngajénan, salila maranéhna hirup bareng di bumi luyu jeung prinsip perkawinan ti Allah. Batur bisa jadi teu maké kekecapan nu sarua, tapi maranéhna gé nyieun ikrar di hareupeun Allah. Sanggeus nyieun ikrar, maranéhna sah jadi salaki pamajikan jeung ngahiji saumur hirup. (1 Kor. 7:39) Ceuk Yésus, ”Anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.” Salaki pamajikan teu bisa nganggap yén maranéhna bisa pepegatan iraha waé lamun aya masalah. (Mar. 10:9) Lantaran teu aya manusa nu sampurna, perkawinan ogé teu aya nu sampurna. Éta sababna Alkitab nyebutkeun lamun nu geus nikah bakal boga ”loba karepot”.—1 Kor. 7:28. w17.04 8 ¶14-15