Agustus
Kemis, 1 Agustus
Ulah numutkeun panuhun Abdi, kedah numutkeun pangersa Ama.—Mat. 26:39.
Lamun hayang jadi guru nu hadé, urang kudu jadi murid nu hadé heula. (1 Tim. 4:15, 16) Kitu ogé, lamun Sadérék digunakeun ku Yéhuwa pikeun ngadisiplin batur, Sadérék kudu tetep rendah haté jeung réla dibingbing ku Yéhuwa. Lamun batur bisa ningali yén Sadérék rendah haté, maranéhna bakal ngajénan Sadérék jeung leuwih gampang narima naséhat atawa pépéling ti Sadérék. Urang bisa diajar ti tuladan Yésus. Yésus salawasna taat ka Bapana sanajan teu gampang ngalampahkeunana. Anjeunna ngomong ka jalma-jalma yén sagala pangajaran jeung hikmatna asalna ti Bapana. (Yoh. 5:19, 30) Lantaran Yésus rendah haté jeung taat, anjeunna jadi guru nu welas asih. Jalma-jalma nu hayang ngaraket ka Allah resep ngadeukeutan anjeunna. (Mat. 11:29) Kekecapan Yésus ngalilipur jalma nu keur leutik haté. (Mat. 12:20) Anjeunna mépélingan para rasul ku cara nu lemah lembut sanajan boga alesan pikeun jéngkél lantaran maranéhna paséa ngeunaan saha nu pangpunjulna.—Mar. 9:33-37; Luk. 22:24-27. w18.03 25 ¶15-16
Jumaah, 2 Agustus
Baptisan, nu ayeuna nyalametkeun maranéh.—1 Pet. 3:21, ”NW”.
Rasul Pétrus nyebutkeun ngeunaan upaya Nuh dina ngawangun bahtera. Bahtera téh bukti nu jelas ka batur yén Nuh geus sapinuh haté ngalampahkeun kahoyong Allah. Nuh kabukti satia ngalampahkeunana. Lantaran imanna, Yéhuwa nyalametkeun Nuh jeung kulawargana tina Caah Gedé. Waktu ningali bahtera, jalma-jalma nyaho Nuh iman ka Allah. Kitu ogé, waktu ningali aya nu dibaptis, jalma-jalma nyaho yén manéhna geus ngabaktikeun diri ka Allah lantaran boga iman ka Kristus. Saperti Nuh, jalma nu rék dibaptis gé taat ka Allah sarta ngalampahkeun tugas ti Mantenna. Sakumaha Yéhuwa nyalametkeun Nuh tina Caah Gedé, Mantenna gé bakal nyalametkeun umat-Na nu geus dibaptis tur satia waktu dunya jahat ieu dibinasakeun. (Mar. 13:10; Wahyu 7:9, 10) Jelas, ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis téh penting pisan. Justru, jalma nu ngaengké-engké dibaptis bisa kaleungitan kasempetan pikeun hirup salawasna. w18.03 4 ¶3-4
Saptu, 3 Agustus
Barudak mah biasa sok bolostrong sologoto.—Sil. 22:15.
Bisa jadi sababaraha kolot mikir yén lamun budakna teu gancang-gancang dibaptis, ieu bisa ngalindungan budakna sangkan teu dipecat. Tapi, naha cara pikir ieu téh bener? (Yak. 1:22) Tangtu, kolot teu hayang budakna dibaptis lamun budakna can siap ngabaktikeun hirupna ka Yéhuwa. Tapi, salah lamun kolot mikir yén budakna teu kudu tanggung jawab ka Yéhuwa lamun can dibaptis. Saurang budak kudu tanggung jawab ka Yéhuwa sanggeus manéhna paham papakon Mantenna ngeunaan nu bener jeung nu salah. (Yak. 4:17) Kolot nu bijaksana moal ngaleutikkeun haté budakna nu hayang dibaptis. Sanajan budakna leutik kénéh, kolot bakal ngajar budakna pikeun nyaah kana papakon Yéhuwa, bari méré tuladan. (Luk. 6:40) Kanyaah budak Sadérék ka Yéhuwa bakal ngalindungan manéhna ti dosa gedé lantaran manéhna hayang ngalampahkeun nu bener di payuneun Yéhuwa.—Yes. 35:8. w18.03 12-13 ¶12-13
Minggu, 4 Agustus
Hirup [Nuh] rumaket ka Allah.—Kaj. 6:9, 10.
Nuh tetep ngajaga sosobatanana jeung Yéhuwa. Éta nu terus dilampahkeun ku Nuh nepi ka 350 taun sanggeus Caah Gedé. (Kaj. 9:28) Nuh jadi tuladan iman jeung kataatan! Urang bisa nyonto iman jeung kataatan Nuh ku cara ngajungjung papakon Yéhuwa nu bener, henteu jadi bagian dunya Sétan, sarta ngutamakeun Yéhuwa. (Mat. 6:33; Yoh. 15:19) Éta nu ngalantarankeun urang dipikageuleuh ku dunya. Contona, lantaran urang terus taat ka hukum Allah ngeunaan séks jeung perkawinan, urang bisa jadi digogoréng di média. (Mal. 3:18, NW) Saperti Nuh, urang teu sieun ka manusa. Urang ngan sieun ka Yéhuwa, hartina, urang ngajénan jeung teu hayang nguciwakeun Mantenna. Urang nyaho ngan Yéhuwa nu bisa masihan kahirupan langgeng. (Luk. 12:4, 5) Pék lenyepan, ’Naha abdi bakal terus ngalampahkeun nu bener sanajan batur ngaléléwé atawa ngiritik abdi? Waktu ékonomi keur susah, naha abdi yakin Yéhuwa bisa nyumponan pangabutuh kulawarga abdi?’ Lamun Sadérék ngandel jeung taat ka Yéhuwa siga Nuh, Mantenna tangtu bakal nulung Sadérék.—Pil. 4:6, 7. w18.02 4 ¶4; 5 ¶8-10
Senén, 5 Agustus
Jelema anu teu ngabogaan Roh Allah mah moal bisa narima hal anu dinyatakeun ku eta Roh.—1 Kor. 2:14.
Ieu dunya téh mentingkeun kahayang sorangan. Paulus nyebutkeun yén éta téh ”batin manusa anu ngalawan ka Allah”. (Epe. 2:2) Sikep ieu ngajurung kalolobaan jalma pikeun nuturkeun jalma réa. Maranéhna osok sangeunahna, teu paduli kana papakon Allah. Maranéhna nganggap status sosial, duit, atawa hak pribadina téh sagala-galana. Alkitab nyebutkeun yén jalma nu jasmani biasana ngalampahkeun ”napsu badan”. (Gal. 5:19-21) Manéhna resep pagétréng, ngadu domba, ngajurung batur pikeun barontak, silih gugat di pangadilan, teu daék ngajénan wewenang, sarta ngutamakeun dahar jeung nginum. Jalma jasmani gé tara nampik gogoda.—Sil. 7:21, 22. w18.02 17 ¶3-5
Salasa, 6 Agustus
Jalma-jalma . . . leuwih resep senang-senang.—2 Tim. 3:2, 4.
Teu salah lamun senang-senang ku cara nu saimbang. Aya nu mikir yén manéhna teu meunang senang-senang, tapi maksud Yéhuwa henteu kitu. Alkitab justru ngajurung hamba Allah nu satia, ”Mending bek dahar, pek geura senang-senang, leguk inum anggurna, geura sukan-sukan.” (Pan. 9:7) Nu disebutkeun dina 2 Timoteus 3:4 (NW) téh jalma nu nyaah kana kasenangan jeung teu paduli ka Allah. Ayatna teu nyebutkeun yén jalma-jalma leuwih nyaah kana kasenangan ti batan Allah. Lamun kitu mah maranéhna masih boga saeutik kanyaah ka Allah. Tapi, ayatna nyebutkeun ”lainna” nyaah ka Allah. Saurang ahli Alkitab nulis yén ayat ieu ”lain ngahartikeun maranéhna masih kénéh boga kanyaah ka Allah. Tapi, maranéhna geus teu nyaah sama sakali”. Ieu pangéling nu sérius pikeun jalma nu nyaah kana kasenangan. Alkitab ngajelaskeun yén maranéhna téh jalma nu ”kaelehkeun” ku kasenangan dunya.—Luk. 8:14. w18.01 25 ¶14-15
Rebo, 7 Agustus
Masing hormat ka PANGERAN ku ngabaktikeun sagala rupa hasil . . . hidep anu panghadena.—Sil. 3:9.
Yéhuwa téh Allah nu béréhan. Sagala nu dipiboga ku urang asalna ti Mantenna. Emas, pérak, jeung sagala sumber daya alam milik Mantenna, sarta digunakeun pikeun nunjang kahirupan. (Jab. 104:13-15; Hag. 2:8) Contona, Yéhuwa nyadiakeun manna jeung cai pikeun bangsa Israil di gurun keusik salila 40 taun. (Bud. 16:35; Neh. 9:20, 21) Yéhuwa ogé masihan Élisa kawasa pikeun ngalobaan minyak nu ngan saeutik milik hiji randa nu satia. Lantaran kurnia ti Allah ieu, éta randa bisa mayar hutang-hutangna sarta boga cukup duit keur hirup jeung barudakna. (2 Rja. 4:1-7) Ku kawasa Yéhuwa gé, Yésus bisa nyadiakeun dahareun sarta duit ku cara mujijat basa dibutuhkeun. (Mat. 15:35-38; 17:27) Yéhuwa bisa ngagunakeun naon waé pikeun ngarojong ciptaana-Na. Tapi, Mantenna tetep ngondang hamba-hamba-Na pikeun sabisa-bisa méré naon waé keur ngarojong kagiatan organisasi-Na.—Bud. 36:3-7. w18.01 15-16 ¶1-3
Kemis, 8 Agustus
Nun PANGERAN, mangga candak nyawa abdi.—1 Rja. 19:4.
Sababaraha hamba Allah nu satia di jaman baheula ngarasa boga masalah nu beurat pisan. (Ayub 7:7) Kumaha maranéhna bisa tetep tabah? Ku cara ngandelkeun kakuatan ti Yéhuwa. Ceuk Alkitab, ”Sakur nu cape jeung lungse, ku Mantenna disegerkeun.” (Yes. 40:29) Hanjakalna, sababaraha hamba Allah kiwari ngarasa yén cara nu panghadéna pikeun nyanghareupan masalah téh nyaéta eureun heula tina ngawula Yéhuwa. Maranéhna ngarasa ngawula Yéhuwa téh beban lainna berkah. Ku kituna, maranéhna eureun maca Alkitab, eureun masamoan, jeung teu ngawawar deui. Éta pisan nu dipikahayang ku Sétan. Sétan teu hayang urang jadi kuat. Manéhna nyaho yén urang bakal beuki kuat lamun terus sibuk ngawula Yéhuwa. Jadi, iraha waé Sadérék ngarasa capé haté, awak, jeung pikiran, ulah ngajauh ti Yéhuwa. Terus ngaraket ka Mantenna. Ceuk Alkitab, ”Allah . . . [bakal] nguatkeun jeung mageuhkeun kaayaan aranjeun.”—1 Pet. 5:10; Yak. 4:8. w18.01 3-4 ¶2-3
Jumaah, 9 Agustus
PANGERAN . . . nurunkeun jelema ka enggon anu paraeh, Mantenna anu ngajait deui ti dinya.—1 Sam. 2:6.
Kajadian kadua ngeunaan dihudangkeunana nu maot nu dicatet dina Alkitab dilakukeun ku Nabi Élisa. Aya hiji wanita Israil di kota Suném nu can boga budak. Lantaran manéhna béréhan ka Élisa, Yéhuwa ngaberkahan anak ka manéhna jeung salakina nu geus kolot. Sababaraha taun sanggeusna, budakna maot. Bayangkeun kumaha nalangsana wanita éta. Saking sedihna, manéhna nepi ka indit manggihan Élisa di Gunung Karmél nu jauhna kira-kira 30 kilométer. Élisa nitah palayanna, Géhasi, indit ti heula pikeun ngahirupkeun deui budak wanita éta. Tapi, Géhasi teu bisaeun. Tuluy, Élisa indit bareng jeung éta wanita ka imahna. (2 Rja. 4:8-31) Élisa asup ka kamar tempat éta budak digolérkeun, tuluy ngadoa. Yéhuwa ngajawab doa Élisa sarta ngahirupkeun deui éta budak. Indungna pohara bungahna ningali budakna hirup deui! (2 Rja. 4:32-37) Waktu ngajait éta budak tina maot, Allah kabukti sanggup ngahirupkeun deui nu maot. w17.12 5 ¶7-8
Saptu, 10 Agustus
Barudak mah biasa sok bolostrong sologoto.—Sil. 22:15.
Lantaran hikmat patukang tonggong jeung kabodoan, hikmat téh ciri jalma déwasa. Hiji jalma jadi déwasa sacara rohani lamun hormat ka Yéhuwa jeung nurut ka Mantenna, teu ngan saukur lantaran umurna geus nambahan. (Jab. 111:10) Budak ngora nu déwasa sacara rohani ”moal kabawa ku ombak jeung angin gogoda” ti kahayang sorangan atawa ti babaturan. (Epe. 4:14) Maranéhna ogé ”bisa ngabedakeun mana nu hade mana nu jahat”. (Ibr. 5:14) Maranéhna kabukti déwasa sacara rohani lamun nyieun putusan nu bijaksana. Maranéhna perlu hikmat siga kitu sangkan salamet. (Sil. 24:14) Ku kituna, prinsip hirup Sadérék kudu katingali jelas ku maranéhna. Tina kekecapan jeung laku lampah, bisa kaciri yén Sadérék ngupayakeun hirup luyu jeung papakon Alkitab.—Rum 2:21-23. w17.12 18 ¶12-13
Minggu, 11 Agustus
Nyanghareupan jelema-jelema anu teu sakapercayaan . . . Sing bisa mere jawaban anu layak ka nu nyual.—Kol. 4:5, 6.
Manusa bisa ngaréngsékeun masalahna sorangan. Loba nu resep kana pandangan ieu. Ku naon? Lantaran lamun bener, urang teu perlu dibingbing ku Allah jeung bisa hirup sakahayang urang. Sadérék bisa jadi pernah ngadéngé yén perang, kajahatan, panyakit, jeung kamiskinan geus ngurangan. Hiji laporan nyebutkeun, ”Umat manusa jadi leuwih hadé téh lantaran manusa geus tékad rék nyieun dunya jadi leuwih alus.” Lamun Sadérék ngadéngé pandangan umum nu papalingpang jeung iman Sadérék, pariksa topik éta dina Alkitab. Bahas jeung sadérék-sadérék nu kuat rohanina. Pikirkeun ku naon batur resep kana pandangan éta, ku naon éta téh salah, jeung kumaha cara nolakna. Urang bisa ngajaga diri ti cara pikir dunya ku cara ngalampahkeun naséhat Paulus dina ayat poé ieu. w17.11 25-26 ¶14, 17
Senén, 12 Agustus
Nun Allah, sim kuring muji sukur ka Anjeun, dumeh sim kuring henteu sami sareng jalmi sanes.—Luk. 18:11.
Ku naon urang Parisi teu ngarasa perlu némbongkeun welas asih ka batur? Urang Parisi osok ”ngahandapkeun” batur. (Luk. 18:9-14) Pék conto Yéhuwa, lain urang Parisi. Sing welas asih jeung karunyaan. (Kol. 3:13) Naha Sadérék babari dideukeutan ku dulur nu ménta dihampura? (Luk. 17:3, 4) Pék pikirkeun, ’Naha abdi babari jeung gancang ngahampura batur sanajan geus sababaraha kali abdi dinyenyeri? Naha abdi hayang pisan rukun jeung jalma nu nganyenyeri abdi?’ Sangkan bisa ngahampura, urang kudu rendah haté. Urang Parisi ngarasa leuwih hadé ti batur, ku kituna maranéhna teu daék ngahampura. Tapi Alkitab nyebutkeun yén ”batur kudu dianggap leuwih hade” ti batan urang jeung layak dihampura. (Pil. 2:3) Pék pikirkeun, ’Naha abdi nyonto Yéhuwa sarta némbongkeun karendahan haté?’ Lamun urang rendah haté, batur moal asa-asa ménta pangampura ka urang, urang gé jadi leuwih gampang ngahampura maranéhna. Sing jembar ku welas asih, ulah gancang kasinggung.—Pan. 7:8, 9. w17.11 17 ¶6-8
Salasa, 13 Agustus
Muji ka Allah teh hade.—Jab. 147:1.
Bisa jadi Sadérék osok ngabandingkeun sora Sadérék jeung batur. Jadi, Sadérék ngarasa éra. Tapi, urang kabéh boga tanggung jawab pikeun ngawih muji Yéhuwa. Jadi, angkat buku kawih Sadérék, tanggah, jeung ngawih kalawan sumanget! (Esra 3:11) Ayeuna di loba Balé Karajaan, kawih urang bisa dipintonkeun dina layar. Ieu ngabantu urang pikeun ngawih ku sora nu tarik. Ngawih ogé ayeuna jadi bagian dina Sakola Palayanan Karajaan pikeun kokolot sidang. Ieu nandeskeun sakumaha pentingna kokolot jadi tuladan dina ngawih di pasamoan. Loba nu sieun ngawih ku sora nu tarik lantaran sieun teu ngeunaheun kadéngéna. Tapi, pék pikirkeun hal ieu, waktu ngomong, urang ”sarerea oge remen nyieun kasalahan”. (Yak. 3:2) Urang moal jadi eureun ngomong pan? Jadi, urang ogé sakuduna teu eureun ngawih sanajan sora urang teu pati alus. w17.11 5 ¶9-10
Rebo, 14 Agustus
Eta kabeh pinasti bukti, saupama aranjeun enya-enya narurut kana parentah-parentah PANGERAN, Allah aranjeun.—Jak. 6:15.
Sanggeus meunang titingalian nu katujuh, aya loba nu dipikiran ku Jakaria. Manéhna tangtu dikuatkeun ku jangji Yéhuwa nu rék ngahukum jalma-jalma nu teu jujur. Tapi, kaayaan téh kitu-kitu kénéh. Loba nu masih jahat jeung teu jujur, sarta pangwangunan bait di Yérusalém teu bérés-bérés. Ku naon urang Yahudi ninggalkeun tugas ti Yéhuwa? Naha maranéhna balik ka Yérusalém téh ngan saukur hayang hirup genah? Yéhuwa apal yén umat-Na butuh kakuatan jeung kawani. Mantenna masihan titingalian nu pamungkas pikeun ngayakinkeun umat-Na yén Mantenna nyaah jeung ngahargaan upaya maranéhna. Mantenna jangji bakal ngalindungan lamun maranéhna neruskeun pangwangunan. Ngeunaan pangwangunan bait, Yéhuwa nyieun hiji jangji nu dicatet dina ayat poé ieu. w17.10 21 ¶1; 22 ¶5
Kemis, 15 Agustus
Allah . . . barangdamel di aranjeun, supaya aranjeun daraek jeung saranggup ngalakonan tujuan pangersa-Na.—Pil. 2:13.
Priya-priya nu geus dibaptis ogé kudu kuat haté jeung prung digawé. Sidang bisa meunang loba mangpaat lamun maranéhna réla ngawula salaku palayan sidang jeung kokolot sidang. (1 Tim. 3:1) Tapi, aya nu asa-asa. Bisa jadi lantaran pernah ngalakukeun dosa, maranéhna ngarasa teu layak jadi palayan sidang atawa kokolot. Aya ogé sadérék nu ngarasa teu boga kabisa pikeun ngawula. Lamun éta kaalaman ku Sadérék, Yéhuwa bisa nyieun Sadérék jadi kuat haté. (Yes. 12:2) Inget tuladan Musa. Manéhna ogé ngarasa teu sanggup ngalampahkeun tugas ti Yéhuwa. (Bud. 3:11) Tapi, Yéhuwa mantuan manéhna pikeun kuat haté jeung ngaréngsékeun tugasna. Kumaha priya-priya nu geus dibaptis gé bisa kuat haté? Ku cara nyuhunkeun bantuan ti Yéhuwa jeung maca Alkitab unggal poé. Manéhna bisa ngalenyepan conto jalma-jalma nu kuat haté dina Alkitab. Kalawan rendah haté, manéhna bisa nawarkeun bantuan ka kokolot sidang sarta ménta dilatih ku maranéhna. w17.09 32 ¶19
Jumaah, 16 Agustus
Pangandika Allah urang mah umurna langgeng.—Yes. 40:8.
Sanajan Alkitab diilhamkeun ku Allah, lain hartina Alkitab Séptuaginta, Alkitab Wycliffe, King James Version, jeung tarjamahan séjénna téh diilhamkeun langsung ku Allah. Tapi, waktu urang ngalenyepan kumaha tarjamahan ieu dijieun, kabukti yén Yéhuwa nedunan jangji-Na sangkan Firman-Na langgeng. Tangtu, ieu nguatkeun iman urang yén sagala jangji Yéhuwa bakal ngawujud. (Yos. 23:14) Waktu urang diajar kumaha Yéhuwa ngalindungan Firman-Na, iman urang beuki kuat sarta urang beuki nyaah ka Mantenna. Jadi, ku naon Yéhuwa nyadiakeun Alkitab sarta jangji bakal ngalindunganana? Lantaran Mantenna nyaah jeung hoyong ngajarkeun hal-hal nu mangpaat. (Yes. 48:17, 18) Tangtu, ieu ngageuing urang pikeun nyaah jeung taat ka Mantenna.—1 Yoh. 4:19; 5:3. w17.09 19 ¶13-14
Saptu, 17 Agustus
Kudu hormat ka bapa jeung ka indung.—Epe. 6:2.
Lamun batur hirup teu ngawula ka Yéhuwa, bisa jadi teu gampang ngadidik budak Sadérék pikeun nurut ka paréntah ieu. Sadérék bisa méré tuladan ka barudak ku cara ngajénan batur hirup. Pikirkeun sipat-sipat hadé manéhna, sarta caritakeun ka batur hirup yén Sadérék ngahargaan pisan hal-hal alus nu geus dilampahkeun ku manéhna. Ulah ngagogoréng batur hirup hareupeun barudak. Sabalikna, jelaskeun yén unggal jalma kudu milih rék ngawula Yéhuwa atawa henteu. Lamun Sadérék ngadidik barudak pikeun mihormat kolot nu teu saiman, laku lampah barudak bisa ngageuing batur hirup pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa. Aya salaki nu ngalarang pamajikanana ngajarkeun Alkitab ka barudakna atawa mawa barudakna ka pasamoan. Sanajan kitu, pamajikan bakal sabisa-bisa ngajarkeun bebeneran ka barudakna. (Ras. 16:1; 2 Tim. 3:14, 15) Bari tetep ngajénan putusan salakina, pamajikan bisa tetep nyaritakeun bebeneran ka barudakna unggal aya kasempetan. Ku kituna, barudak bisa diajar wanoh ka Yéhuwa jeung papakon-Na ngeunaan nu bener jeung nu salah.—Ras. 4:19, 20. w17.10 11 ¶9-10
Minggu, 18 Agustus
Aranjeun geus diangken putra jeung dipikaasih ku Allah, jadi kudu nulad ka Mantenna.—Epe. 5:1.
Yéhuwa téh karunyaan. Lantaran manusa diciptakeun nyeplés jeung Mantenna, wajar lamun manusa perhatian ka batur. Malah, jalma nu can wanoh ka Yéhuwa gé bisa karunyaan. (Kaj. 1:27) Dina Alkitab, aya loba jalma nu karunyaan. Contona, waktu Suléman hayang mastikeun saha indung ti hiji orok, manéhna nitah sangkan éta orok dibeulah dua. Indung benerna karunyaeun, jadi manéhna nyuhunkeun ka raja sangkan méré éta orok ka awéwé nu hiji deui. (1 Rja. 3:23-27) Conto séjénna nyaéta putrina Piraon. Basa ningali Musa nu orok kénéh, manéhna nyaho yén éta orok téh urang Ibrani nu sakuduna mah dipaéhan. Tapi, ”putri ngahelas” tur mutuskeun pikeun ngukut éta orok jadi putrana.—Bud. 2:5, 6. w17.09 9-10 ¶2-3
Senén, 19 Agustus
[Yéhuwa] teh nyabaran ka aranjeun.—2 Pet. 3:9.
Yéhuwa maréntahkeun sangkan urang rendah haté. Éta bakal mawa loba berkah. (Sil. 22:4) Lamun urang rendah haté, sidang bakal tengtrem jeung ngahiji. Urang gé bakal dipikaasih ku Yéhuwa. Rasul Paulus ngomong, ”Aranjeun kudu ngarendahkeun diri jeung silih ladenan, sabab ceuk Kitab Suci, ’Allah ngalawan ka nu kamagungan, tapi mikaasih ka nu rendah ati.’” (1 Pet. 5:5) Di jaman kiwari, jalma nu lembut jeung sabar téh dianggap lemah. Tapi, éta téh salah. Sipat ieu datangna ti Yéhuwa, Pribadi nu pangkuatna sajagat raya. Mantenna téh tuladan panghadéna dina némbongkeun sipat lemah lembut jeung sabar. Contona, pék pikirkeun sakumaha sabarna Yéhuwa basa ngajawab pananya Ibrahim jeung Elut liwat malaikat-Na. (Kaj. 18:22-33; 19:18-21) Pikirkeun ogé sakumaha sabarna Yéhuwa nyanghareupan bangsa Israil nu teu satia salila 1.500 taun.—Yeh. 33:11. w17.08 24-25 ¶13-14
Salasa, 20 Agustus
Katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate.—Pil. 4:7.
Pék ngadoa, aranjeun bakal narima ”katengtreman . . . ti Allah, nu moal kahontal ku akal”. Naon hartina? Sababaraha Alkitab narjamahkeun jadi ”ngaleuwihan impian urang” atawa ”leuwih unggul ti rencana manusa”. Jadi ceuk Paulus, ’katengtreman ti Allah’ leuwih hébat ti batan nu kabayang ku urang. Sanajan sakapeung urang teu nyaho jalan kaluar tina masalah urang, Yéhuwa mah terang. Mantenna bisa ngalakukeun hal-hal nu teu kabayang ku urang. (2 Pet. 2:9) Kumaha urang bisa ngarasakeun ’katengtreman ti Allah’ basa aya masalah? Urang kudu terus nguatkeun sosobatan jeung Yéhuwa. Urang bisa nyobat jeung Yéhuwa lantaran korban tebusan Kristus Yésus. Tebusan téh salah sahiji padamelan Yéhuwa nu luar biasa. Ku ayana tebusan, Mantenna bisa ngahampura dosa urang. Ku kituna, urang bisa boga haté sanubari nu bersih sarta nyobat jeung Mantenna.—Yoh. 14:6; Yak. 4:8; 1 Pet. 3:21. w17.08 11¶ 7; 14 ¶15
Rebo, 21 Agustus
Suka keur sorangan, duka keur sorangan, batur mah mo bisa milu ngarasakeun.—Sil. 14:10.
Sakapeung, hésé pisan rék ngajéntrékeun sakumaha parahna kapeurih urang. Sanajan hiji jalma geus ngungkabkeun parasaanana, teu gampang keur nu séjén pikeun paham naon maksudna. Urang bisa jadi bingung rék ngomong naon ka jalma nu keur sedih. Biasana, nu paling mangpaat téh nyaéta ”milu ceurik ka nu ceurik”. (Rum 12:15) Lamun Sadérék ngarasa hésé ngomong langsung, Sadérék bisa ngirimkeun kartu, e-mail, SMS, atawa surat. Sadérék bisa nyutat ayat nu ngalilipur, nyebutkeun sipat hadé almarhum, atawa nyaritakeun pangalaman nu ngabungahkeun jeung almarhum. Doa-doa urang bisa nguatkeun sadérék-sadérék nu keur sedih. w17.07 12-13 ¶13-16
Kemis, 22 Agustus
Anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.—Mat. 19:6.
Perkawinan bisa jadi béda jeung nu dibayangkeun. Malahan bisa waé muncul masalah gedé. Perhatikeun cara Yéhuwa nyanghareupan bangsa Israil kuno. Yéhuwa ngibaratkeun diri-Na sabagé salaki keur umat-Na. (Yes. 54:5; 62:4) ”Perkawinan” éta loba masalah lantaran bangsa éta sering nguciwakeun Yéhuwa. Tapi, Yéhuwa teu buru-buru megatkeun hubungana-Na jeung Israil. Mangkali-kali Mantenna ngahampura maranéhna jeung nedunan jangji-Na. (Jab. 106:43-45) Pasangan Kristen nu nyaah ka Yéhuwa ngupayakeun pikeun nyonto Mantenna. Sanajan aya masalah, maranéhna moal néangan jalan kaluar nu teu luyu jeung Alkitab. Maranéhna apal yén keur Yéhuwa, ikrar perkawinan téh sérius sarta hoyong salaki jeung pamajikan tetep ”ngahiji”. Kitab Suci nyebutkeun hiji-hijina alesan nu sah pikeun pepegatan jeung nikah deui, nyaéta lamun batur hirupna jinah. (Mat. 19:5, 9) Lamun pasangan Kristen satékah polah nyukséskeun perkawinan, maranéhna ngadukung kadaulatan Yéhuwa. w17.06 26 ¶17-18
Jumaah, 23 Agustus
Aranjeun bakal mapakan Mantenna.—Kaj. 3:5.
Sétan si Iblis cangcaya kana hak Yéhuwa pikeun maréntah. Sétan hayang urang mikir Yéhuwa téh Pangawasa jahat nu teu hayang urang bagja. Sacara teu langsung, Sétan ngomong yén manusa bakal leuwih bagja lamun maréntah diri sorangan. (Kaj. 3:1-4) Sétan ogé ngomong yén lamun ngalaman kasusah mah, tangtu kabéh jalma bakal nolak Mantenna jadi Pangawasa. (Ayub 2:4, 5) Yéhuwa méré waktu sangkan sakabéh mahluk sadar lamun hirup tanpa Mantenna téh bakal kacow. Geus tangtu Yéhuwa terang lamun tuduhan Sétan téh bohong. Jadi, ku naon Yéhuwa méré waktu ka Sétan pikeun ngabuktikeun tuduhanana? Jawabanana ngalibetkeun sakabéh mahluk di sawarga jeung di bumi. (Jab. 83:19) Adam, Hawa, jeung nu séjén nolak diparéntah ku Yéhuwa. Jadi, bisa waé aya nu mikir lamun Iblis téh bener. w17.06 15-16 ¶3-4
Saptu, 24 Agustus
Datangan . . . jaradikeun murid.—Mat. 28:19.
Pagawéan ngajadikeun murid téh ngajarkeun kabiasaan nu alus, carana komunikasi, jeung carana sangkan percaya diri tur bijaksana. (Sil. 21:5; 2 Tim. 2:24) Pagawéan ieu matak ngabagjakeun sabab Sadérék diajar carana ngabuktikeun iman ngagunakeun Alkitab. Sadérék ogé diajar gawé bareng jeung Yéhuwa. (2 Kor. 6:1) Sadérék bisa tetep bungah dina ngajadikeun murid sanajan ngan saeutik nu daék diajar Alkitab. Pikeun ngajadikeun murid, sakabéh anggota sidang kudu sabilulungan. Sanajan ngan hiji sadérék nu boga murid, urang kabéh bisa bungah lantaran milu néangan nu daék diajar Alkitab. Contona Brandon, nu geus salapan taun ngawawar di daérah nu jarang aya nu minat. Manéhna ngomong, ”Mémang di daérah ieu kuring teu bisa manggihan jalma nu diajar nepi ka dibaptis, tapi batur bisa. Kuring tetep bungah lantaran geus nyieun rencana pikeun sabisa-bisa milu kagiatan ngajadikeun murid.”—Pan. 11:6. w17.07 23-24 ¶7, 9-10
Minggu, 25 Agustus
Hatena geus janglar.—1 Sam. 1:18.
Hana hayang pisan boga anak, tapi teu bisa. Ari pamajikan Élkana nu séjénna, Pénina, boga loba anak. (1 Sam. 1:4-7) Parahna deui, Pénina mamanas Hana ”saban taun”. Hana téh nyeri haté pisan. Naon nu dilampahkeun ku Hana? Manéhna ngadoa ka Yéhuwa. (1 Sam. 1:12) Manéhna nyaho yén Yéhuwa bakal masihan anak atawa ngalilipur manéhna ku cara séjén. Lantaran teu sampurna jeung hirup di dunya Sétan, urang bakal terus ngalaman kasusah. (1 Yoh. 5:19) Tapi, aya bantuan. Urang bisa ngadoa ka Yéhuwa, ”Allah sumbering panglipur”. (2 Kor. 1:3, SF) Hana gé kitu, manéhna ngungkabkeun eusi haténa jeung sasambat ka Yéhuwa. Kitu ogé waktu urang ngalaman kasusah, teu cukup ngan saukur nyebutkeun masalahna. Urang kudu sasambat ka Yéhuwa jeung ngungkabkeun eusi haté urang.—Pil. 4:6, 7. w17.06 5-6 ¶10-11
Senén, 26 Agustus
Simon anak Yonas, enya hidep nyaah ka Kami leuwih ti nu sejen?—Yoh. 21:15.
Yésus nu geus dihirupkeun deui nyaho yén murid-muridna teu beubeunangan waktu ngala lauk. Saur Yésus, ”’Semprangkeun heurapna ka katuhueun parahu, tangtu aya nu beunang!’ Seug heurapna disemprangkeun, barang ditarik meh teu kaangkat pinuh ku lauk.” (Yoh. 21:1-6) Yésus nyadiakeun roti jeung lauk keur maranéhna. Tuluy Yésus mariksa ka Simon Pétrus ku pananya dina ayat poé ieu. Yésus apal Pétrus resep ngala lauk. Bisa jadi nu Yésus tanyakeun téh naha Pétrus leuwih nyaah ka Yésus jeung pangajaranana ti batan ka usaha ngala laukna. Pétrus ngajawab, ”Sumuhun Gusti . . . Gusti uninga yen abdi teh nyaah ka Gusti.” (Yoh. 21:15) Pétrus meunang palajaran yén kanyaah ka Yésus téh leuwih penting ti nu séjén. Ti harita, manéhna némbongkeun kanyaahna ka Yésus ku cara getol ngawawar, jeung ngajalankeun tugas penting di sidang Kristen. w17.05 21 ¶1-2
Salasa, 27 Agustus
Pangeran Panulung kuring, kuring moal salempang. Rek bisa naon manusa ka diri kuring?—Ibr. 13:6.
Lantaran yakin yén Yéhuwa bakal nulungan, Paulus bisa nyanghareupan kasusah. Éta kasusah moal ngaleungitkeun iman manéhna ka Yéhuwa. Manéhna ngandel ka ’Rama anu maparin kategeran hate ka manusa dina kasusahan anu kumaha bae oge’. (2 Kor. 1:3, 4) Waktu ngadoa, urang komunikasi jeung Yéhuwa. Ku kituna, urang bisa nyobat jeung Mantenna. (Jab. 86:3; 1 Tes. 5:17; Rum 12:12) Waktu urang ngungkabkeun pikiran jeung eusi haté ka Bapa, urang beuki raket ka Mantenna. (Jab. 65:3) Urang gé bakal beuki nyaah ka Yéhuwa basa ningali doa-doa urang dijawab ku Mantenna. Urang yakin yén ”Mantenna deukeut ka sakur anu sasambat”. (Jab. 145:18) Lamun yakin kana kanyaah jeung dukungan Yéhuwa, urang bisa nyanghareupan masalah naon waé boh ayeuna boh engké. w17.05 17-18 ¶9-10
Rebo, 28 Agustus
[Yéhuwa] mah nilik eusina.—1 Sam. 16:7.
Kumaha sikep Sadérék lamun teu ngarti atawa teu satuju kana putusan nu dijieun ku kokolot sidang? Kaayaan saperti kieu bisa nguji iman urang ka Yéhuwa jeung kana carana sidang diorganisasi. Kumaha karendahan haté bisa ngalindungan Sadérék lamun nyanghareupan salah sahiji kaayaan ieu? Hayu urang bahas dua carana. Kahiji, lamun urang rendah haté, urang bakal sadar yén urang teu nyaho kaayaan nu sabenerna. Sanajan urang yakin yén urang nyaho kaayaan nu sabenerna, ngan Yéhuwa nu terang eusi haté manusa. Ku kituna, urang bakal rendah haté jeung ngaku lamun urang teu nyaho sagala-galana sarta daék nyaluyukeun cara mikir urang. Kadua, lamun urang ningali atawa ngalaman kateuadilan, karendahan haté bakal mantuan urang pikeun taat jeung sabar ngadagoan Yéhuwa menerkeun kaayaanana. Ceuk Alkitab, ”Mun maneh sieun ku Allah tinangtu mulus rahayu,” tapi ”nu jahat mah moal jamuga . . . bakal paeh ngora-ngora.” (Pan. 8:12, 13) Lamun urang tetep rendah haté, urang jeung saha waé nu kalibet bakal diberkahan.—1 Pet. 5:5. w17.04 24 ¶10-11
Kemis, 29 Agustus
Sayaktosna abdi teh dipaling ti tanah Ibrani. Ayeuna aya di jero panjara oge sayaktosna mah teu gaduh kalepatan naon-naon.—Kaj. 40:15.
Yusup téh korban kateuadilan. Manéhna gé ngomong lamun manéhna teu nyieun kasalahan. Ku kituna, manéhna ménta ka mantri nu ngurus leueuteun pikeun nyaritakeun masalahna ka Piraon. Naon tujuanana? Ceuk manéhna, ”Manawi jadi lantaran abdi dikaluarkeun ti ieu bui.” (Kaj. 40:14) Naha Yusup pasrah kana kaayaanana nepikeun ka teu nyieun upaya? Henteu! Yusup nyaho lamun manéhna loba ngalaman kateuadilan. Éta sababna manéhna ngajelaskeun kaayaanana ka éta mantri, miharep éta mantri bisa mantuan manéhna. Tapi, Kitab Suci ngajelaskeun yén Yusup teu nyaritakeun ka sasaha, ogé ka Piraon, yén dulur-dulurna nu nyulik manéhna. Malahan mah basa dulur-dulurna datang ka Mesir jeung rukun deui jeung Yusup, Piraon ngabagéakeun maranéhna jeung ngajak maranéhna cicing di ”tanah-tanah anu pangsuburna di satanah Mesir”.—Kaj. 45:16-20. w17.04 18 ¶12-13
Jumaah, 30 Agustus
Kawijaksanaan jeung kauninga-Na sakitu jerona. Saha anu bisa ngajugjugan putusan-putusan Mantenna? Saha anu bisa ngarti kana cara barang damel-Na? —Rum 11:33.
Salah sahiji alesan Yéhuwa gaduh hak pikeun maréntah nyaéta Mantenna gaduh pangaweruh jeung hikmat pikeun ngurus jagat raya. Éta katingali waktu Putra-Na dipasihan kamampuh pikeun nyageurkeun panyakit nu teu bisa diubaran ku tabib. (Mat. 4:23, 24; Mar. 5:25-29) Keur urang éta téh mujijat, tapi keur Yéhuwa mah lain. Mantenna paham bener kana awak urang jeung sanggup nyageurkeun lamun aya nu teu bérés. Mantenna ogé bisa ngahirupkeun deui nu maraot jeung ngaleungitkeun musibat alam. Pacogrégan di hiji nagri sarta peperangan di antara nagri-nagri teu bisa diréngsékeun ku dunya nu dikawasaan ku Sétan. Mung Yéhuwa nu gaduh hikmat pikeun nyieun katengtreman di dunya. (Yes. 2:3, 4; 54:13) Urang jadi paham kana kekecapan Paulus dina ayat poé ieu. w17.06 22-23 ¶6-7
Saptu, 31 Agustus
Anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.—Mar. 10:9.
Loba jalma di dunya nyapirakeun perkawinan, nganggap yén maranéhna bisa pepegatan iraha waé lamun ngarasa teu cocog. Tapi, urang Kristen mah béda. (1 Kor. 7:27) Maranéhna nyieun ikrar perkawinan di hareupeun Allah, jadi lamun ikrar éta teu ditedunan, éta sarua jeung ngabohong ka Allah. Allah ijid ka nu sok ngabohong. (Ima. 19:12; Sil. 6:16-19) Yéhuwa gé ijid kana pepegatan nu maké akal licik. (Mal. 2:13-16) Yésus ngajarkeun yén hiji-hijina dasar Alkitab pikeun pepegatan nyaéta jinah, éta ogé lamun batur hirupna teu ngahampura. (Mat. 19:9; Ibr. 13:4) Kumaha jeung pipisahan? Alkitab ngajelaskeun ngeunaan hal éta. (1 Kor. 7:10, 11) Mémang, teu aya dasar Alkitab pikeun pipisahan, tapi sakapeung aya kaayaan nu nyababkeun hiji jalma ngarasa yakin kudu pisah jeung batur hirupna. Contona, lamun batur hirupna kacida ngabahayakeun kahirupan atawa hubunganana jeung Yéhuwa. Bisa waé manéhna téh osok neunggeulan atawa jalma nu murtad. w17.04 8 ¶14-16