Séptémber
Minggu, 1 Séptémber
Gedekeun anak teh make pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan.—Epe. 6:4.
Salah sahiji hak istiméwa pikeun indung bapa téh nyaéta ngajar barudak pikeun mikanyaah Yéhuwa. (Jab. 127:3) Ti barang lahir, barudak di Israil geus dibaktikeun ka Yéhuwa. Tapi, ayeuna mah teu kitu. Sanajan kolotna mikanyaah Yéhuwa, lain hartina budakna ogé kitu. Ti saprak budakna lahir, kolot kudu boga tujuan pikeun ngabantu manéhna jadi murid nu ngabaktikeun diri ka Allah jeung dibaptis. Tapi, naon nu leuwih penting? Maranéhna bisa disalametkeun tina mangsa cilaka lamun ngabaktikeun diri, dibaptis, jeung terus satia ngawula Yéhuwa. (Mat. 24:13) Salaku indung bapa, Sadérék gé bisa ngarasa sugema jeung bagja waktu ningali budak ngabaktikeun diri jeung dibaptis jadi hamba Yéhuwa. w18.03 14 ¶16-17
Senén, 2 Séptémber
Jaga diri ati-ati, awaskeun pangajaran.—1 Tim. 4:16.
Waktu kokolot méré disiplin tina Alkitab di sidang atawa di kulawargana, maranéhna kudu nyonto Kristus. Ieu ngabuktikeun yén manéhna hayang dibingbing ku Allah jeung Putra-Na. Lamun narima disiplin ti Yéhuwa sarta nyonto cara Yéhuwa jeung Yésus masihan disiplin, urang bakal meunang loba berkah! Kulawarga jeung sidang bakal hirup rukun, sarta kabéh ngarasa dipikanyaah, dihargaan, jeung dilindungan. Ieu téh can nanaon lamun dibandingkeun jeung karukunan tur kabagjaan dina mangsa kahareup. (Jab. 72:7) Disiplin ti Yéhuwa nyiapkeun urang pikeun hirup langgeng tur tengtrem salaku hiji kulawarga nu Bapana téh Yéhuwa. (Yes. 11:9) Lamun inget kana hal ieu, urang bakal nganggap disiplin sabagé cara Allah dina némbongkeun asih-Na. w18.03 25 ¶15, 17; 26 ¶19
Salasa, 3 Séptémber
Maranehanana ngarakukeun dosa-dosana, tuluy ku anjeunna dibaptis di Walungan Yordan.—Mat. 3:6.
Loba jalma hayang dibaptis ku Yohanes pikeun némbongkeun yén maranéhna geus tobat tina dosa, atawa ngakukeun jeung bener-bener kaduhung lantaran geus ngalanggar Hukum Musa. (Mat. 3:1-6) Tapi, baptisan pangpentingna nu dilakukeun ku Yohanes boga harti nu béda pisan. Yohanes boga hak istiméwa pikeun ngabaptis Yésus, Putra Allah nu sampurna. (Mat. 3:13-17) Lantaran Yésus teu boga dosa, anjeunna teu kudu tobat. (1 Pet. 2:22) Jadi, ku naon Yésus dibaptis? Pikeun némbongkeun yén anjeunna geus siap ngagunakeun hirupna demi ngalakukeun kahoyong Allah. (Ibr. 10:7) Sanggeus Yésus mulai ngawawar, murid-muridna mulai ngabaptis jalma-jalma. (Yoh. 3:22; 4:1, 2) Jalma-jalma éta dibaptis lantaran geus tobat tina dosa ngalanggar Hukum Musa. Tapi sanggeus Yésus maot jeung dihirupkeun deui, jalma-jalma nu hayang jadi muridna kudu dibaptis pikeun alesan nu lian. w18.03 5 ¶6-7
Rebo, 4 Séptémber
Jelema anu ngabogaan Roh Allah mah bisa neuleuman harti jeung maksud saniskara.—1 Kor. 2:15.
Jalma nu rohani ngahargaan pisan sosobatanana jeung Allah. Manéhna hayang dibingbing ku roh suci Allah sarta bajoang pikeun nyonto Yéhuwa. (Epe. 5:1) Manéhna enya-enya diajar cara pikir Yéhuwa sarta boga pandangan nu sarua jeung Mantenna. Allah téh nyata pikeun manéhna. Teu siga jalma jasmani, manéhna ngajénan papakon Yéhuwa dina hirupna. (Jab. 119:33; 143:10) Jalma nu rohani gé teu ngalampahkeun ”napsu badan”, tapi ”hirupna dituyun ku Roh Allah”. (Gal. 5:22, 23) Pikeun leuwih jelasna, perhatikeun babandingan ieu: Jalma nu pikiranana positif, condong mikirkeun hal-hal nu positif. Kitu ogé, jalma nu rohani condong mikirkeun hal-hal nu rohani. w18.02 17 ¶3, 6
Kemis, 5 Séptémber
Daniel, Allah asiheun ka maneh.—Dan. 10:11.
Lantaran kaayaan, Daniél kapaksa hirup di Babul, kota nu pinuh ku brahala jeung spiritisme. Bangsa Babul teu resep ka urang Yahudi sarta ngaléléwé Allah Yéhuwa. (Jab. 137:1, 3) Daniél jeung urang Yahudi séjénna nu nyaah ka Yéhuwa tangtu sedih ku kaayaan ieu! Maranéhna dititah ngadahar kadaharan raja, kaasup kadaharan nu dilarang ku Yéhuwa. Tapi, Daniél boga tékad ”moal seja ngarurujit diri ngarempak cegahan agama ku kadaharan jeung inuman ti karaton”. (Dan. 1:5-8, 14-17) Daniél gé nyanghareupan tangtangan séjénna nu katingalina teu pati hésé. Ku lantaran manéhna parigel, raja mercayakeun tugas husus ka manéhna. (Dan. 1:19, 20) Tapi, éta teu ngalantarankeun Daniél sombong atawa ngarasa pangbenerna sorangan. Manéhna tetep rendah haté sarta ngakukeun yén Yéhuwa nu nyieun manéhna suksés. (Dan. 2:30) Pék pikirkeun, Yéhuwa nyebutkeun ngaran Daniél bareng jeung Nuh tur Ayub sabagé tuladan nu kudu dipiconto. Harita, Nuh jeung Ayub geus satia ngawula ka Yéhuwa sapanjang hirupna. Tapi, Daniél mah ngora kénéh. (Yeh. 14:14) Yéhuwa bener-bener percaya ka Daniél! Manéhna kabukti satia jeung taat sapanjang hirupna. w18.02 5-6 ¶11-12
Jumaah, 6 Séptémber
Di imahna, Lewi ngayakeun pesta ngabageakeun Yesus.—Luk. 5:29.
Yésus némbongkeun kumaha carana boga pandangan nu saimbang kana kasenangan. Anjeunna datang ka ”hajat nikah” jeung ”pesta” gedé. (Yoh. 2:1-10) Dina hajat nikah éta, anggurna téréh béak, terus Yésus ngarobah cai jadi anggur. Tapi, Yésus henteu ngajadikeun kasenangan sabagé nu pangpentingna. Anjeunna miheulakeun Yéhuwa sarta satékah polah mantuan batur. Anjeunna ogé réla nandangan kanyeri nepi ka maot dina tihang siksaan demi nyalametkeun umat manusa. Yésus ngomong ka jalma-jalma nu hayang nuturkeun anjeunna, ”Bagja maraneh lamun dihina-hina, diteungteuinganan, diomongkeun jeung digogoreng dumeh anut ka Kami. Lamun dikitu-kitu sing bagja, sing bungah, sabab geus aya piganjaraneunana anu gede di sawarga.” (Mat. 5:11, 12) Lantaran nyaah ka Allah jeung hayang nyenangkeun Mantenna, urang teu ngan saukur nyingkahan hal-hal nu geus jelas salah, tapi ogé hal-hal nu sigana mah moal nyenangkeun Mantenna.—Mat. 22:37, 38. w18.01 25-26 ¶16-18
Saptu, 7 Séptémber
Leuwih bagja mere ti batan nampa.—Ras. 20:35.
Urang masihan ka Yéhuwa téh sabab nyaah jeung hayang nganuhunkeun ka Mantenna. Lamun urang ngalenyepan naon waé nu geus dilampahkeun ku Yéhuwa pikeun urang, haté urang jadi kageuing. Raja Daud ngakukeun yén sagala milik urang téh asalna ti Yéhuwa sarta nu dipasrahkeun deui ka Mantenna téh asalna ti Mantenna kénéh. (1 Bab. 29:11-14) Alus pikeun urang lamun resep méré teu ngan saukur nampa. Bayangkeun aya saurang budak leutik nu meunang duit jajan ti kolotna. Manéhna tuluy nyéngcéléngan pikeun meulikeun hadiah keur kolotna. Kumaha parasaan kolotna waktu narima éta hadiah? Atawa, bayangkeun saurang panaratas ngora nu cicing jeung kolotna. Manéhna méré saeutik duit keur kolotna pikeun mantuan mayar biaya-biaya atawa meuli dahareun. Kolotna teu ngarepkeun hal éta, tapi tetep nampa. Ku naon? Lantaran éta cara budakna ngajénan sagala nu geus dilampahkeun ku kolotna. Kitu ogé Yéhuwa, Mantenna apal yén méré téh alus pikeun urang. w18.01 16 ¶4, 6
Minggu, 8 Séptémber
Rek milih hirup atawa rek milih paeh. Pilih anu pijamugaeun!—Pam. 30:19.
Ngawangun iman budak téh teu cukup ngan saukur méré nyaho manéhna naon nu bener jeung nu salah. Sadérék kudu mantuan manéhna mikirkeun pananya saperti: ’Naon sababna Alkitab ngalarang hal-hal nu katingalina pikaresepeun? Kumaha carana sangkan abdi yakin yén papakon Alkitab mangpaat keur abdi?’ (Yes. 48:17, 18) Lamun budak Sadérék hayang dibaptis, Sadérék bisa ngabantu manéhna pikeun mikirkeun tanggung jawabna sanggeus dibaptis. Kumaha pandangan manéhna kana tanggung jawab éta? Naon mangpaatna? Naon tangtanganana? Ku naon berkahna leuwih gedé ti batan tangtanganana? (Mar. 10:29, 30) Penting pikeun bener-bener mikirkeun hal-hal ieu saacan dibaptis. Bantu budak Sadérék pikeun bener-bener ngalenyepanana. Ku kituna, manéhna teu hésé pikeun yakin yén nuturkeun papakon Alkitab téh salawasna mawa mangpaat. w17.12 18-19 ¶14-15
Senén, 9 Séptémber
Mantenna uninga reana, sarta masing-masing dipaparin ngaran.—Yes. 40:26.
Loba di antara Sadérék nalangsa lantaran gering parna. Aya ogé nu kudu ngarawat baraya nu geus kolot, padahal Sadérék sorangan geus teu ngora deui. Nu séjén keur bajoang nyadiakeun pangabutuh kulawarga. Yéhuwa ogé terang yén Sadérék keur nyanghareupan masalah dina kahirupan, sakapeung teu ngan hiji, tapi sababaraha sakaligus. Unggal béntang nu teu nyawaan waé diperhatikeun ku Mantenna, komo deui Sadérék! Sadérék ngawula Mantenna lain lantaran kawajiban, tapi lantaran nyaah. (Jab. 19:2, 4, 15) Bapa Yéhuwa gé apal pisan ka diri Sadérék. Alkitab nyebutkeun, ”Buuk sirah maraneh ge ku Mantenna geus diitung.” (Mat. 10:30) Yéhuwa hoyong urang yakin yén ”hirupna jalma ibadah ku PANGERAN diraksa diriksa”. (Jab. 37:18) Jelas, Yéhuwa ningali sakabéh masalah Sadérék. Mantenna ogé siap masihan kakuatan sangkan Sadérék tabah nyanghareupan unggal masalah. w18.01 3 ¶1; 4 ¶4
Salasa, 10 Séptémber
Tabita, geura hudang!—Ras. 9:40.
Dihudangkeunana Tabita ku Pétrus téh sakitu nyatana nepi ka loba ”anu palercaya ka Gusti” di kota éta. Murid-murid anyar ieu bisa nyaritakeun warta hadé ngeunaan Yésus jeung nguarkeun kawasa Yéhuwa pikeun ngahirupkeun deui nu maot. (Ras. 9:36-42) Aya deui kajadian séjénna nu disaksian ku loba jalma. Éta téh basa Rasul Paulus hutbah di kamar loténg di Troas, nu ayeuna aya di Turki beulah kulon-kalér. Paulus ngawurukna nepi ka tengah peuting. Aya perjaka nu ngaranna Étikus ngadéngékeun bari diuk dina jandéla. Tapi, manéhna les kasaréan tuluy tijedag ragrag kana taneuh ti loténg katilu. Bisa jadi Lukas nu mimiti mariksa Étikus. Salaku dokter, manéhna nyaho yén éta perjaka lainna saukur tatu atawa kapaéhan, tapi bener-bener paéh. Paulus turun tuluy ngarangkul Étikus. Kabéh nu ningali ngarasa tajub basa Paulus ngomong, ”Hirup keneh!” Mujijat ieu gedé pisan pangaruhna ka kabéh nu nyaksian. ”Sarerea ngarasa senang” jeung kalilipur lantaran nyaksian perjaka nu maot éta bisa hirup deui.—Ras. 20:7-12. w17.12 5-6 ¶10-11
Rebo, 11 Séptémber
Hiap saksian, naon anu geus dipidamel ku PANGERAN.—Jab. 46:9.
Naha ahirna manusa nyaho carana ngaréngsékeun masalah di dunya? Pastina henteu. Kajahatan, saperti kajahatan di Internét, kakerasan di rumah tangga, térorisme, jeung korupsi beuki ngalobaan. Panyakit nu ngalantarankeun jalma maot beuki loba. Kiwari, organisasi ékonomi jeung pulitik dikawasaan ku jalma-jalma nu mentingkeun diri. Maranéhna teu bisa mungkas perang, kajahatan, panyakit, jeung kamiskinan. Ngan Karajaan Allah nu bisa. Bayangkeun naon nu bakal dilampahkeun ku Yéhuwa pikeun manusa. Karajaana-Na bakal ngaleungitkeun sagala hal nu ngalantarankeun perang, saperti sipat mentingkeun diri, korupsi, patriotisme, agama palsu, jeung Sétan. (Jab. 46:10) Karajaan Allah bakal mungkas kajahatan. Malahan ayeuna, jutaan jalma keur diajar sangkan silih asih jeung silih percaya. Pamaréntahan séjén moal bisa kitu. (Yes. 11:9) Yéhuwa bakal ngamusnakeun panyakit, sakabéh jalma bakal séhat sampurna. (Yes. 35:5, 6) Mantenna ogé bakal mungkas kamiskinan, kabéh jalma bisa hirup bagja sarta nyobat jeung Mantenna.—Jab. 72:12, 13. w17.11 25-26 ¶14-16
Kemis, 12 Séptémber
Ulah nepi ka salah maehan jelema anu tanpa dosa.—Pam. 19:10.
Salah sahiji alesan utama ayana kota suaka nyaéta sangkan urang Israil henteu jadi dosa lantaran maéhan jalma nu teu salah. Yéhuwa cinta kana kahirupan, Mantenna ijid ka jalma nu maéhan. (Sil. 6:16-19) Sabagé Allah nu suci jeung adil, Mantenna moal ngantep lamun aya jalma nu dipaéhan sanajan teu dihaja. Teu siga Yéhuwa, guru agama jeung urang Parisi teu ngajénan kahirupan batur. Yésus ngomong ka maranéhna, ”Konci paragi muka panto kanyaho dikekewek, ari heug aranjeun sorangan embung asup, batur nu rek arasup dihalang-halang!” (Luk. 11:52) Naon maksud Yésus? Guru agama jeung urang Parisi sakuduna mah ngajarkeun Firman Allah sarta mantuan jalma-jalma sangkan bisa hirup langgeng. Sabalikna, maranéhna ngahalang-halang batur jadi murid ”Yesus anu nuyun manusa supaya manusa hirup”. (Ras. 3:15) Ku kituna, batur malah dijurung sina binasa. Maranéhna téh adigung, mentingkeun diri, jeung teu paduli kana kahirupan batur. Maranéhna kejem jeung teu welas asih! w17.11 17-18 ¶9-10
Jumaah, 13 Séptémber
Jelema anu era ngaku ka Kami . . . , Putra Manusa oge . . . bakal era ngaku ka jelema kitu.—Mar. 8:38.
Basa mimiti diajar jeung Saksi Yéhuwa, bisa jadi urang teu bébéja ka kulawarga. Tapi ku sabab iman urang beuki kuat, urang sadar perlu ngabéjaan maranéhna yén urang hayang ngawula Yéhuwa. Kasatiaan Sadérék ka Allah bisa waé ngalantarankeun masalah dina kulawarga Sadérék. Sing rasrasan ka maranéhna. Urang bungah pisan bisa paham kana bebeneran Alkitab. Tapi, baraya urang bisa jadi ngarasa yakin yén urang téh geus ditipu atawa ngagabung jeung agama nu sasab. Bisa jadi maranéhna ngarasa urang teu nyaah deui lantaran henteu milu ngarayakeun hari raya. Maranéhna ogé bisa jadi sieun urang dihukum ku Allah sanggeus urang maot. Urang perlu rasrasan ku cara ngaregepkeun omongan maranéhna sangkan bisa paham sikep maranéhna ka urang. (Sil. 20:5) Rasul Paulus ogé ngupayakeun paham ka jalma-jalma ti sagala bangsa sangkan bisa ngajarkeun warta hadé. Lamun urang ngarti parasaan anggota kulawarga, urang bisa nyaho cara nu cocog pikeun ngajarkeun bebeneran ka maranéhna.—1 Kor. 9:19-23. w17.10 12 ¶11-12
Saptu, 14 Séptémber
Pek nyaranyi keur [Yéhuwa].—Jab. 33:2.
Bisa jadi urang sieun ngawih lantaran teu nyaho carana. Tapi, aya sababaraha cara gampang pikeun ningkatkeun kamampuh ngawih urang. Sadérék bisa ngawih ku sora nu kuat jeung tarik lamun latihan cara napas nu bener. Siga listrik méré énergi ka bohlam lampu, kitu ogé napas bisa méré kakuatan ka sora urang waktu ngomong atawa ngawih. Sora urang waktu ngawih kudu sarua kuatna jeung waktu urang ngomong, malahan kudu leuwih tarik deui. Sababaraha kali Alkitab nyaritakeun yén hamba-hamba Yéhuwa ngawihkeun pujian ku ’surak bungah’. (Jab. 33:1-3) Pék cobaan hal ieu: Pilih hiji kawih nu paling dipikaresep ku Sadérék. Kalawan yakin, baca rumpakana ku sora nu kuat jeung tarik. Terus, ku sora nu sarua tarikna, ucapkeun deui unggal frasa dina sakali tarikan napas. Tuluy, kawihkeun frasa éta ku kakuatan sora nu sarua. (Yes. 24:14) Sora Sadérék waktu keur ngawih bakal leuwih kuat. Ieu téh alus. Ulah éra ku sora Sadérék sorangan. w17.11 6 ¶11-13
Minggu, 15 Séptémber
Sakur anu hatena digerakkeun ku Allah, sasadiaan arek marulang, rek ngadegkeun deui Bait Allah di Yerusalem.—Esra 1:5.
Dina perjalanan, urang Yahudi bisa mangjam-jam mikirkeun jeung ngobrolkeun bakal siga kumaha imah maranéhna engké. Nu karolot nyaritakeun sakumaha éndahna Yérusalém jeung baitna baheula. (Esra 3:12) Saupama Sadérék aya di ditu, kumaha parasaan Sadérék basa mimiti ningali Yérusalém? Naha Sadérék bakal sedih ningali bangunan nu dipinuhan ku jukut, témbok kota nu rubuh, gerbang nu geus bobol, sarta munara nu geus rugrug? Meureun Sadérék ngabandingkeun témbok éta jeung témbok Babul nu kuat. Tapi, urang Yahudi nu daratang henteu leutik haté. Naon sababna? Sabab Yéhuwa geus kabukti nulungan jeung ngalindungan maranéhna di perjalanan. Teu lila sanggeus nepi ka Yérusalém, maranéhna langsung ngawangun altar di daérah bait sarta ngaduruk kurban ka Yéhuwa unggal poé.—Esra 3:1, 2. w17.10 21-22 ¶2-3
Senén, 16 Séptémber
Sing pangger, sing junun . . . GUSTI Allah . . . tan wande nyarengan ka hidep.—1 Bab. 28:20.
Suléman diajar kuat haté ti Daud, bapana. Daud wani ngalawan prajurit raksasa nu kuat jeung pikasieuneun, Goliat. Ku bantuan Allah jeung batu lésang, Goliat bisa diéléhkeun. (1 Sam. 17:45, 49, 50) Jadi, Daud téh cocog pisan ngajurung Suléman sangkan pangger atawa kuat haté dina ngawangun bait. Raja Daud ngayakinkeun Suléman yén Yéhuwa bakal nyarengan manéhna pikeun ngaréngsékeun pangwangunan bait. Suléman ngalenyepan kekecapan éta, ku kituna manéhna henteu nolak tugas éta sanajan ngora kénéh jeung kurang pangalaman. Ku bantuan Yéhuwa, manéhna tetep kuat haté jeung bisa ngaréngsékeun bait nu ahéng éta dina tujuh satengah taun. Sakumaha Yéhuwa mantuan Suléman, Mantenna ogé bakal mantuan urang sangkan kuat haté jeung ngaréngsékeun tugas boh di kulawarga boh di sidang. (Yes. 41:10, 13) Lamun urang kuat haté dina ngawula Yéhuwa, urang bisa yakin yén Mantenna bakal ngaberkahan urang ayeuna, ogé di mangsa kahareup. w17.09 28 ¶3-4; 32 ¶20-21
Salasa, 17 Séptémber
Pangandika Allah teh nya hirup, nya kuat.—Ibr. 4:12.
Umat Yéhuwa yakin yén Firman Allah keur manusa téh ”nya hirup, nya kuat”. Urang geus ngarasakeun kawasa Alkitab dina kahirupan urang jeung batur. Saacanna jadi Saksi, aya nu baheulana osok maok, nyandu narkoba, atawa hirup rucah. Nu séjénna jadi jalma beunghar atawa kasohor, tapi ngarasa kahirupanana teu aya hartina. (Pan. 2:3-11) Untungna, ayeuna maranéhna boga harepan jeung tujuan hirup. Urang resep maca pangalaman sarupa kitu dina artikel ”Alkitab Mengubah Kehidupan” di majalah Menara Pengawal. Tapi sanggeus jadi Saksi gé, urang kudu terus nguatkeun sosobatan jeung Yéhuwa ku bantuan Alkitab. w17.09 21 ¶1
Rebo, 18 Séptémber
Anjeunna saputra garwa dikekenyang dicandak kaluar ti jero nagara, bawaning ku watir-watirna PANGERAN ka anjeunna.—Kaj. 19:16.
Sakumaha Yéhuwa paham kana kaayaan Elut, Mantenna gé paham kana kasusahan naon waé nu kaalaman ku urang. (Yes. 63:7-9; Yak. 5:11; 2 Pet. 2:9) Yéhuwa ogé ngajar umat-Na sangkan karunyaan. Ieu katingali tina hukum nu dibikeun ka bangsa Israil. Lamun hiji jalma ngagadékeun bajuna, nu méré nginjeum duit kudu mulangkeun éta baju saméméh surup panonpoé. (Bud. 22:26, 27) Ieu téh sangkan jalma éta teu katirisan sapeupeuting. Jalma nu teu karunyaan mah moal daék mulangkeun bajuna. Tapi, Yéhuwa ngajar umat-Na pikeun karunyaan. Naon prinsip nu aya dina hukum ieu? Lamun urang sanggup, geura tulungan dulur saiman nu keur butuh bantuan.—Kol. 3:12; Yak. 2:15, 16; 1 Yoh. 3:17. w17.09 10 ¶4-5
Kemis, 19 Séptémber
Duh Ama, hapunten kalepatan ieu jalmi-jalmi, reh teu tarerangeun naon-naon kana kalakuanana kieu.—Luk. 23:34.
Yésus nyuhunkeun supaya Bapana ngahampura nu maéhan anjeunna. Sanajan keur loba pikiran jeung nandangan kanyeri, anjeunna tetep lembut jeung sabar. (1 Pet. 2:21-23) Paulus nyebutkeun salah sahiji cara némbongkeun sipat lembut jeung sabar, ”Kudu silih eledan jeung silih hampura pada batur. Ngahampura teh wajib, kapan Gusti oge ngahampura ka dulur-dulur.” (Kol. 3:13, SF) Lamun urang lembut jeung sabar, urang daék ngahampura batur. Ku kituna, sidang bakal tengtrem jeung ngahiji. Yéhuwa maréntahkeun sangkan urang lembut jeung sabar ka batur. Lamun hayang hirup di dunya anyar, urang kudu boga sipat-sipat ieu. (Mat. 5:5, SF) Lamun urang lembut jeung sabar, urang ngamulyakeun Yéhuwa sarta jadi tuladan keur batur.—Gal. 6:1; 2 Tim. 2:24, 25. w17.08 25 ¶15-17
Jumaah, 20 Séptémber
Pangeran teh uninga ka jelema anu nurut ka Mantenna, anu kudu disalametkeun tina sagala gogoda.—2 Pet. 2:9.
Dina Alkitab, aya loba tindakan Yéhuwa nu luar biasa. Contona, basa Hiskia jadi raja, Sanhérib, raja Asur, narajang Yuda jeung nalukkeun kabéh kotana kajaba Yérusalém. (2 Rja. 18:1-3, 13) Terus, Sanhérib datang narajang Yérusalém. Naon nu dilakukeun ku Hiskia? Pangmimitina, manéhna ngadoa nyuhunkeun pitulung Yéhuwa sarta ménta naséhat Nabi Yésaya. (2 Rja. 19:5, 15-20) Tuluy, manéhna némbongkeun sikep asup akal ku cara mayar upeti ka Sanhérib. (2 Rja. 18:14, 15) Ahirna Hiskia sasadiaan pikeun nyanghareupan pangepungan musuh. (2 Bab. 32:2-4) Kumaha hasilna? Yéhuwa ngutus hiji malaikat pikeun maéhan 185.000 prajurit Sanhérib dina sapeuting. Teu kabayang ku Hiskia bakal kitu hasilna!—2 Rja. 19:35. w17.08 11 ¶7; 12 ¶12
Saptu, 21 Séptémber
Jaradikeun murid . . . Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh.—Mat. 28:19, 20.
Kumaha carana anjeun nyiapkeun diri pikeun dines sapinuh waktu? Sangkan suksés ngalalayanan Yéhuwa, anjeun perlu mekarkeun sipat-sipat Kristen. Sing rutin diajar Firman Allah, pék lenyepan, jeung béré koméntar di pasamoan. Bari sakola kénéh, anjeun bisa ningkatkeun kamampuh pikeun ngawawarkeun warta hadé. Anjeun bisa diajar nunjukkeun perhatian ka jalma-jalma ku cara nanyakeun pamikiran maranéhna kalawan bijaksana jeung ngadéngékeun jawabanana. Anjeun ogé bisa nawarkeun bantuan di sidang, saperti ngabersihan atawa ngoméan Balé Karajaan. Yéhuwa resep ngagunakeun saha waé nu rendah haté sarta réla digawé. (Jab. 110:3; Ras. 6:1-3) Rasul Paulus ngajak Timoteus jadi misionaris sabab Timoteus ’disebut jelema hade’ ku sadérék-sadérék.—Ras. 16:1-5. w17.07 23 ¶7; 25¶ 14
Minggu, 22 Séptémber
Ka darieu, sujud ka Kami. Sing tuhu ka Kami!—Yes. 45:23.
Salila masalah kadaulatan can kajawab dina pipikiran manusa jeung malaikat, moal bakal ngawujud kahirupan nu tengtrem tur bébas ti papecah. Tapi sanggeus kadaulatan Yéhuwa ditanjeurkeun, kabéh mahluk bakal salawasna tunduk ka pamaréntahana-Na nu bener. Sakuliah jagat bakal tengtrem. (Epe. 1:9, 10) Kadaulatan Allah bakal ditanjeurkeun. Pamaréntahan Sétan jeung manusa bakal kabukti gagal sarta dimusnakeun. Pamaréntahan Allah ku jalan Karajaan Kristus bakal suksés. Jalma-jalma nu satia bakal ngabuktikeun lamun manusa bisa satia ngadukung pamaréntahan Allah. (Yes. 45:24) Naha urang ogé hayang ngadukung kadaulatan Yéhuwa? Tangtu! Lamun kitu, urang kudu paham sakumaha pentingna masalah ieu. w17.06 16 ¶4-5
Senén, 23 Séptémber
Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna. Ari dulur pikeun naon mun lain keur silih tulungan dina kasusah?—Sil. 17:17.
Urang moal bisa ngira-ngira sabaraha lila sedihna saurang jalma. Basa kakara dikantunkeun ku nu dipikanyaah, loba sobat jeung kulawarga nu datang ngalilipur. Tapi dina bulan-bulan sanggeusna ogé, nu dikantunkeun téh tetep butuh dukungan. Jadi, Sadérék kudu siap méré dukungan. Urang kudu terus méré panglilipur salila manéhna ngabutuhkeun urang. (1 Tes. 3:7) Inget lamun nu dikantunkeun bisa ujug-ujug kaserang ku kasedih. Ieu bisa waé lantaran ulang taun perkawinan, hiji lagu, poto, kagiatan, atawa malahan bau, sora, atawa usum nu lumangsung. Randa atawa duda bisa ngarasa sedih pisan basa keur mimiti ngalakukeun hiji kagiatan sorangan, misalna hadir di kongrés atawa di Pangéling-ngéling. Inget ogé yén nu dikantunkeun téh butuh dukungan lain ngan dina waktu-waktu husus. w17.07 13-14 ¶17-19
Salasa, 24 Séptémber
Hargaan kapentingan batur, ulah mentingkeun diri sorangan bae.—Pil. 2:4.
Lamun urang sibuk nyieun kahadéan ka batur, urang bisa poho kana masalah sorangan. Contona, loba sadérék istri, boh nu geus nikah boh nu teu acan, tetep bagja lantaran nyaho yén ngawawarkeun warta hadé Karajaan téh hartina digawé bareng jeung Yéhuwa sarta ngalampahkeun pangersa-Na. Sabenerna, urang kabéh bisa merhatikeun kapentingan batur ku cara ngawawarkeun warta hadé. Urang gé beuki raket jeung dulur saiman lamun urang nyieun kahadéan ka maranéhna. Ieu nu dilampahkeun ku Rasul Paulus. Manéhna nyaah ka dulur saimanna ”kawas indung rumawat ka anak”. Paulus gé ngalilipur jeung nguatkeun dulur-dulurna ”lir bapa ka anak”. (1 Tes. 2:7, 11, 12) Barudak nu diajar nyaah ka Yéhuwa bisa ngalilipur jeung nguatkeun kulawargana. Kumaha carana? Ku cara hormat jeung dina prakna méré bantuan ka kolotna. Barudak ogé bisa nguatkeun kulawargana ku cara tetep satia ka Yéhuwa. w17.06 6 ¶13; 7 ¶14; 8 ¶17
Rebo, 25 Séptémber
Harta banda sipat lahir teh pake nyieun pibatureun.—Luk. 16:9.
Aya jalma-jalma nu duitna moal béak nepi ka tujuh turunan, tapi miliaran jalma séjénna kacida miskinna. Yésus apal ngan Karajaan Allah nu bisa ngarobah sistim ékonomi dunya ieu. Alkitab nyebutkeun yén ”para padagang”, atawa sistim dagang, bareng jeung sistim pulitik sarta agama mangrupakeun bagian ti dunya Sétan. (Wahyu 18:3) Hamba Allah bisa bener-bener misahkeun diri ti pulitik jeung agama palsu. Tapi, lolobana mah moal bisa bener-bener misah ti sistim dagang dunya Sétan. Salaku urang Kristen, urang kudu mariksa sikep urang kana sistim dagang dunya ieu. Ku kituna, urang kudu ngalenyepan, ’Kumaha kuring bisa ngagunakeun harta banda pikeun némbongkeun kasatiaan ka Allah? Kumaha kuring bisa ngan saperluna ngagunakeun sistim dagang dunya ieu? Pangalaman naon waé nu némbongkeun yén hamba Allah bener-bener ngandel ka Mantenna?’ w17.07 3-4 ¶1-3
Kemis, 26 Séptémber
Jaga diri! Ulah beuki teuing pepestaan jeung nginum-nginum atawa mikiran teuing kipayah.—Luk. 21:34.
Yésus apal yén hirup di dunya ayeuna téh loba masalah nu ngalantarankeun urang strés jeung hariwang. Dina misil Yésus ngeunaan binih nu ditebar, anjeunna nyebutkeun yén aya sababaraha jalma nu awalna sumanget narima ”amanat hal Karajaan Sawarga”. Tapi ka dieunakeun, sumangetna leungit lantaran ”kaelehkeun” ku ”kasalempangan hirup” jeung ”napsu hayang beunghar”. (Mat. 13:19-22; Mar. 4:19) Mun teu ati-ati, kasalempangan hirup bisa ngaganggu dines urang ka Allah. Urang bisa némbongkeun kanyaah ka Kristus ku cara ngutamakeun pangwawaran. Kumaha carana mastikeun lamun urang terus ngalakukeun hal éta? Urang bisa ngalenyepan: ’Naon nu paling dipikaresep ku kuring? Naha kuring bungah téh lamun keur ngalalayanan Yéhuwa atawa keur ngalakukeun kagiatan séjén?’ w17.05 22 ¶3-4
Jumaah, 27 Séptémber
Lamun aranjeun ngomong ku basa Roh anu teu puguh unina, saha nu rek ngarti?—1 Kor. 14:9.
Lamun hiji kulawarga imigran cicingna jauh ti Saksi nu maké basa nu sarua, maranéhna kudu ngagabung jeung sidang basa lokal. (Jab. 146:9) Tapi, lamun di dinya aya sidang nu ngagunakeun basa maranéhna, kapala kulawarga bisa mutuskeun sidang basa naon nu paling cocog keur kulawargana. Saacan nyieun putusan, manéhna bakal bener-bener mikirkeun jeung ngadoakeun hal éta. Manéhna ogé bakal badami jeung pamajikan sarta barudakna. (1 Kor. 11:3) Kolot kudu mikirkeun naon nu bener-bener dibutuhkeun ku barudakna. Sangkan barudak bisa paham kana bebeneran Alkitab, sababaraha jam pangajaran Alkitab unggal minggu dina pasamoan téh teu cukup. Tapi, pikirkeun hal ieu: Lamun hadir di pasamoan nu diayakeun maké basa nu paling dipikaharti ku barudak, maranéhna bisa meunang mangpaat, malahan leuwih loba ti panyangka kolotna. Béda deui lamun maranéhna teu ngarti kana basana, maranéhna moal meunang nanaon.—1 Kor. 14:11. w17.05 11-12 ¶10-11
Saptu, 28 Séptémber
Puji PANGERAN! Urang Israil geus milih jurit . . . rampak maju andon suka.—Hak. 5:2.
Pék pikirkeun, ’Naha kuring ngagunakeun sumber daya kuring pikeun ngawula Yéhuwa? Naha kuring keur mikirkeun rék pindah ka kota atawa nagri séjén sangkan leuwih beunghar jeung hirup genah? Lamun enya, naha kuring geus ngadoakeun naon pangaruhna hal ieu ka kulawarga jeung sidang?’ Yéhuwa masihan kahormatan ka urang pikeun ngadukung pamaréntahan Mantenna. Ti saprak jaman Adam jeung Hawa, Sétan ngagoda manusa sangkan jadi balad manéhna ngalawan Yéhuwa. Tapi lamun urang ngadukung pamaréntahan Yéhuwa, urang némbongkeun ka Sétan yén urang téh baladna Yéhuwa. Iman jeung kasatiaan urang ngagerakkeun urang réla dipaké ku Yéhuwa. Éta ngabungahkeun Mantenna. (Sil. 23:15, 16) Dukungan jeung kataatan urang bisa dipaké ku Yéhuwa pikeun ngajawab tuduhan Sétan. (Sil. 27:11) Jadi, nu bisa urang pasihkeun ka Yéhuwa téh kataatan urang. Hal éta ngabungahkeun jeung penting pisan keur Mantenna. w17.04 32 ¶15-16
Minggu, 29 Séptémber
Jadi lamun boga kaul ka Allah geuwat laksanakeun, sabab Mantenna teu resepeun ka jelema anu gejul. Nu matak ari geus jangji kudu bukti.—Pan. 5:4.
Dina Hukum Musa, lamun aya jalma nu nyieun ikrar ka Yéhuwa, ”sagala anu diikrarkeunana teu meunang dicabut deui, kudu ditekanan”. (Bil. 30:2) Suléman ogé nulis kekecapan dina ayat poé ieu. Yésus ngajarkeun yén ikrar ka Allah téh sérius, ”Jalma-jalma baheula ditimbalan kieu: ’Ulah mungkir jangji. Jangji anu make sumpah ka Pangeran kudu ditedunan.’” (Mat. 5:33) Jadi jelas yén urang kudu nganggap sérius jangji ka Yéhuwa. Hubungan urang jeung Mantenna bisa kapangaruhan. Daud ngajéntrékeun hal ieu basa manéhna nanya, ”Saha nu meunang unggah ka pasir kagungan PANGERAN? Saha nu meunang asup ka Bait-Na nu suci?” Terus manéhna ngajawab yén nu kaidinan téh jalma nu ”cadu kana jangji palsu”.—Jab. 24:3, 4; w17.04 4 ¶3-4
Senén, 30 Séptémber
Jalma nu tara mitenah.—Jab. 15:3.
Lamun urang ngalaman kateuadilan di sidang, urang kudu ati-ati ulah nepikeun ka ngagosipkeun masalahna. Tangtuna urang kudu ménta bantuan jeung ngabéjaan kokolot sidang lamun aya sadérék nu ngalakukeun dosa gedé. (Ima. 5:1) Tapi, lolobana mah lain dosa gedé, jadi urang bisa ngaréngsékeun masalahna paduduan jeung dulur urang, malahan mah kokolot gé teu perlu nyaho. (Mat. 5:23, 24; 18:15.) Dina kaayaan saperti kitu, urang bisa tetep satia jeung nerapkeun prinsip-prinsip Alkitab. Sakapeung, urang jadi sadar yén urang geus salah paham jeung lain korban kateuadilan. Haté urang bakal karasa ngemplong lantaran urang teu nyieun masalahna jadi beuki ruwed ku cara nguar-nguarkeun kagoréngan dulur urang! Masing diinget, teu sual saha nu bener, ngagogoréng batur moal ngaréngsékeun masalah. Urang moal kitu lamun urang satia ka Yéhuwa jeung ka dulur-dulur saiman. w17.04 19 ¶14