PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es19 kaca 98-108
  • Oktober

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Oktober
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé​—2019
  • Subjudul
  • Salasa, 1 Oktober
  • Rebo, 2 Oktober
  • Kemis, 3 Oktober
  • Jumaah, 4 Oktober
  • Saptu, 5 Oktober
  • Minggu, 6 Oktober
  • Senén, 7 Oktober
  • Salasa, 8 Oktober
  • Rebo, 9 Oktober
  • Kemis, 10 Oktober
  • Jumaah, 11 Oktober
  • Saptu, 12 Oktober
  • Minggu, 13 Oktober
  • Senén, 14 Oktober
  • Salasa, 15 Oktober
  • Rebo, 16 Oktober
  • Kemis, 17 Oktober
  • Jumaah, 18 Oktober
  • Saptu, 19 Oktober
  • Minggu, 20 Oktober
  • Senén, 21 Oktober
  • Salasa, 22 Oktober
  • Rebo, 23 Oktober
  • Kemis, 24 Oktober
  • Jumaah, 25 Oktober
  • Saptu, 26 Oktober
  • Minggu, 27 Oktober
  • Senén, 28 Oktober
  • Salasa, 29 Oktober
  • Rebo, 30 Oktober
  • Kemis, 31 Oktober
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé​—2019
es19 kaca 98-108

Oktober

Salasa, 1 Oktober

Lamun di antara aranjeun aya anu kurang bijaksana, kudu nyuhunkeun ka Allah . . . da Allah mah sipat murah jeung welas asih.​—Yak. 1:5.

Hikmat téh asalna ti Yéhuwa. Mantenna masihkeunana ka saha waé kalawan limpah. Urang bisa meunangkeun hikmat ku cara ngalenyepan piwuruk atawa disiplin ti Allah. Ku kituna, urang dilindungan ti lalampahan nu salah sarta dibantu tetep raket jeung Yéhuwa. (Sil. 2:10-12) Urang ogé boga harepan nu éndah pikeun hirup langgeng. (Yud. 21) Lantaran urang teu sampurna jeung cara digedékeunana béda-béda, sakapeung teu gampang pikeun narima disiplin atawa nganggap éta téh mangpaat. Tapi, waktu ngarasakeun sorangan mangpaat tina disiplin Allah, urang jadi paham yén Mantenna bener-bener nyaah ka urang. Siloka 3:11, 12 nyebutkeun, ”Anaking, ulah nampik lamun ku PANGERAN dipeperih.” Tuluy ayatna nyebutkeun, ”Mana dipeperih ge tandaning hidep dipiasih.” Urang yakin yén Yéhuwa masihan nu panghadéna keur urang. (Ibr. 12:5-11) Lantaran Yéhuwa bener-bener wanoh ka urang, disiplin-Na tara kaleuleuwihi sarta cocog jeung kabutuhan urang. w18.03 27 ¶1-2

Rebo, 2 Oktober

Kudu daraek silih anjrekkeun.​—1 Pet. 4:9.

Rasul Pétrus nulis ayat poé ieu ka dulur-dulur saimanna nu asalna ti daérah jeung kabudayaan nu béda-béda. Maranéhna ngalaman ”cocoba anu sakitu peurihna”. Naon nu bisa ngabantu urang Kristen di mana waé tetep tabah nyanghareupan mangsa kasusah? (1 Pet. 1:1; 4:4, 7, 12) Pétrus ngajurung dulur-dulur saimanna pikeun ”silih anjrekkeun” sanajan geus silih kenal jeung digawé babarengan. Naon mangpaatna? Maranéhna jadi beuki raket. Naha Sadérék ogé inget bungahna campur gaul di imah hiji dulur saiman? Atawa basa Sadérék ngondang dulur saiman ka imah, naha sosobatan Sadérék jadi leuwih kuat? Ngondang dulur saiman téh cara nu hadé pikeun wanoh ka maranéhna. Urang Kristen nu sajaman jeung Pétrus kudu leuwih raket lantaran bakal nyanghareupan masalah nu leuwih susah. Urang gé kudu kitu dina ”ahir jaman” ieu.​—2 Tim. 3:1. w18.03 15-16 ¶1-3

Kemis, 3 Oktober

Leuwih bagja deui jelema anu ngadenge jeung nurut kana timbalan Allah!​—Luk. 11:28.

Yésus nyebutkeun yén jalma nu boga pikiran rohani téh jalma nu bagja. Rum 8:6 ngajelaskeun yén hirup urang gumantung kana pikiran nu rohani, ”Pikiran anu dipurba ku tabeat sorangan nungtun kana maot; pikiran anu ditungtun ku Roh Allah nungtun kana hirup jeung kanugrahaan.” Jadi, lamun urang boga pikiran nu rohani, ti ayeuna kénéh gé urang bisa rukun jeung Allah, rukun jeung diri sorangan, sarta miboga harepan hirup langgeng. Tapi, urang hirup di dunya nu jahat. Ku sabab urang dikurilingan ku jalma-jalma nu pikiranana jauh ti Allah, urang kudu bajoang pikeun ngajaga pikiran urang. Lamun teu dieusi ku pikiran Allah, pikiran urang bakal kaeusi ku pikiran jeung sikep dunya ieu. Yudas nyebutkeun yén jalma jasmani bakal kaleungitan roh suci Yéhuwa.​—Yud. 18, 19. w18.02 17 ¶5, 7; 18 ¶8

Jumaah, 4 Oktober

Anu daroraka, anu marunapek, geus jahat teh bakal beuki jahat.​—2 Tim. 3:13.

Loba dokter jeung suster kudu ngarawat jalma gering nu panyakitna bisa népa ka batur. Maranéhna hayang nulungan jalma-jalma éta. Tapi, maranéhna ogé kudu ngajaga diri sangkan teu katépaan. Sabagé Saksi Yéhuwa, urang gé nyanghareupan kaayaan nu méh sarua. Urang hirup jeung digawé di antara jalma-jalma nu sikep tur sipatna béda pisan jeung Allah. Éta bisa jadi tangtangan keur urang. Dina ahir jaman ieu, jalma-jalma nu teu nyaah ka Allah ngabaékeun papakon-Na ngeunaan nu bener jeung nu salah. Rasul Paulus ngajéntrékeun sipat-sipat goréng maranéhna dina suratna keur Timoteus. (2 Tim. 3:1-5) Urang reuwas ningali loba jalma boga sipat-sipat éta, sanajan kitu bisa waé urang katépaan ku cara pikir, omongan, jeung lalampahan maranéhna. (Sil. 13:20) Jadi, urang kudu ngajaga diri sangkan teu katépaan sipat-sipat goréng éta bari mantuan batur wanoh ka Yéhuwa. w18.01 27 ¶1-2

Saptu, 5 Oktober

Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami, baptis.​—Mat. 28:19.

Dina taun 33 M teu lila sanggeus dihirupkeun deui, Yésus ngomong ka leuwih ti 500 lalaki, awéwé, jeung barudak. Bisa jadi basa éta Yésus ngomong kekecapan dina ayat poé ieu. (1 Kor. 15:6) Yésus maréntahkeun maranéhna pikeun ngajadikeun murid. Saha waé nu hayang jadi muridna, atawa nu daék diajar ka anjeunna, kudu dibaptis. (Mat. 11:29, 30) Supaya bisa ngawula ku cara nu kamanah ku Allah, saurang jalma kudu ngakukeun yén Allah ngagunakeun Yésus pikeun ngawujudkeun kahoyong-Na. Sanggeus kitu, éta jalma bisa dibaptis jeung baptisanana kamanah ku Allah. Aya loba bukti dina Alkitab yén murid-murid Yésus di abad kahiji nyaho sakumaha pentingna dibaptis téh. Maranéhna teu mikir pikeun ngaengké-engké dibaptis.​—Ras. 2:41; 9:18; 16:14, 15, 32, 33. w18.03 5 ¶8

Minggu, 6 Oktober

Daniel, Allah asiheun ka maneh.​—Dan. 10:11.

Kiwari, dunya dipinuhan ku hal-hal nu rucah jeung agama palsu lantaran dipangaruhan ku Babul Raya, nyaéta kumpulan agama palsu sadunya, atawa ”pangulinan setan-setan”. (Wahyu 18:2) Urang téh ibarat urang asing di dunya ieu. Jadi, urang katingali béda pisan nu matak diléléwé ku jalma-jalma. (Mar. 13:13) Hayu urang nyonto Daniél ku cara ngaraket ka Allah Yéhuwa. Lamun urang rendah haté, sarta ngandel jeung taat ka Yéhuwa, Mantenna gé bakal mikaasih urang. (Hag. 2:7) Indung bapa bisa diajar ti kolotna Daniél. Basa Daniél leutik kénéh, jalma-jalma di Yuda téh jarahat. Tapi, manéhna bisa nyaah ka Yéhuwa. Tangtu manéhna diajar ngeunaan Yéhuwa ti kolotna. (Sil. 22:6) Malahan mah ngaran Daniél téh hartina ”Hakim Abdi téh Allah” nu némbongkeun yén kolotna nyaah ka Yéhuwa. Jadi, kolot kudu sabar waktu ngajar barudakna ngeunaan Yéhuwa. Ulah nyerah. (Epe. 6:4) Pék doa bareng jeung barudak. Doakeun ogé maranéhna. Upayakeun sabisa-bisa supaya maranéhna nyaah ka bebeneran. Tangtu Yéhuwa bakal ngaberkahan Sadérék.​—Jab. 37:5. w18.02 6-7 ¶12, 14-15

Senén, 7 Oktober

Masrahkeun deui anu ku Gusti parantos dipasihkeun, kawantos sagala rupi oge asalna ti Gusti.​—1 Bab. 29:14.

Urang masihan ka Yéhuwa lantaran ieu téh ibadah. Dina titingalian, Rasul Yohanes ngadéngé hamba-hamba Yéhuwa di sawarga ngomong, ”Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa. Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara, nya ku karana pangersa Gusti eta sadaya kumelip hirup.” (Wahyu 4:11) Yéhuwa téh layak narima kamulyaan jeung kahormatan, jadi urang hayang méré nu panghadéna ka Mantenna. Liwat Musa, Yéhuwa maréntahkeun bangsa Israil pikeun ngarayakeun tilu pésta sataunna. Méré pangbakti ka Yéhuwa téh mangrupakeun bagian tina pésta-pésta ieu. Bangsa Israil diparéntahkeun, ”Unggal jalma kudu mawa pangbakti.” (Pam. 16:16) Kiwari, méré sumbangan kalawan réla téh mangrupakeun bagian penting tina ibadah. Ku cara kitu, urang kabukti ngajénan sarta ngarojong kagiatan organisasi Yéhuwa. w18.01 16 ¶4-5

Salasa, 8 Oktober

Ku Kami rek direureuhkeun.​—Mat. 11:28.

Yésus nambahkeun, ”Turut parentah Kami . . . Sabab parentah-parentah Kami mah gampang, sarta momotan ti Kami hampang.” (Mat. 11:29, 30) Bener pisan! Sakapeung urang ngarasa lungsé waktu rék masamoan atawa ngawawar. Tapi, kumaha sanggeus balik ka imah? Urang disegerkeun jeung leuwih siap nyanghareupan masalah. Mémang, paréntah Yésus téh matak seger. Perhatikeun pangalaman hiji sadérék istri nu katerap sindrom kacapéan kronis, déprési, jeung nyeri sirah nu parna. Jadi, manéhna osok hésé datang ka pasamoan. Tapi hiji poé, manéhna ngupayakeun datang. Ceuk manéhna, ”Hutbahna téh ngeunaan parasaan leutik haté. Abdi nepi ka ngeclakkeun cipanon lantaran éta ditepikeun ku cara nu lembut jeung pinuh perhatian. Abdi sadar yén pasamoan téh nu dibutuhkeun ku abdi.” Manéhna bungah geus ngupayakeun datang ka pasamoan! w18.01 5 ¶6-7

Rebo, 9 Oktober

Kaula kungsi bingbang.​—Jab. 73:2.

Kumaha lamun budak Sadérék cangcaya kana bebeneran sanggeus dibaptis? Misalna, budak Sadérék jadi kataji ka dunya ieu. Atawa, manéhna mulai cangcaya naha nuturkeun prinsip Alkitab téh mémang cara hirup nu panghadéna. (Jab. 73:1, 3, 12,13) Sikep Sadérék kana hal éta bisa nangtukeun naha manéhna bakal terus ngawula Yéhuwa atawa henteu. Usahakeun sangkan teu paséa jeung budak, teu sual manéhna leutik kénéh atawa geus rumaja. Sabalikna, yakinkeun manéhna yén Sadérék nyaah jeung hayang ngabantu manéhna. Budak ngora nu dibaptis téh geus ngabaktikeun diri ka Yéhuwa. Manéhna geus jangji rék nyaah jeung ngutamakeun kahoyong Mantenna ti batan naon waé. (Mar. 12:30) Ingetkeun budak Sadérék yén Yéhuwa nganggap sérius jangji pangbaktian, kitu ogé sakuduna urang.​—Pan. 5:4, 5. w17.12 19-20 ¶16-17

Kemis, 10 Oktober

Abdi terang [dulur abdi] bakal hirup deui dina ahir jaman.​—Yoh. 11:24, ”NW”.

Saperti Marta, hamba-hamba Allah nu saratia yakin yén dina mangsa kahareup bakal aya pihudangeunana nu maot. Perhatikeun paménta Yéhuwa ka Ibrahim ngeunaan Ishak, anak nu geus lila diarep-arep. Yéhuwa nyarios, ”Anak kadeudeuh maneh anu ngan hiji-hijina, Ishak, bawa ka tanah Moria. Kurbankeun ku maneh ka ditu, duruk di hiji gunung.” (Kaj. 22:2) Bayangkeun parasaan Ibrahim basa ngadéngé paréntah ieu. Yéhuwa tos jangji yén sagala bangsa bakal diberkahan liwat turunan Ibrahim. (Kaj. 13:14-16; 18:18; Rum 4:17, 18) Yéhuwa gé nyarios yén berkah éta bakal datang liwat Ishak. (Kaj. 21:12) Tapi, kumaha éta bisa laksana lamun Ishak dikorbankeun? Paulus diilhamkeun pikeun ngajelaskeun yén Ibrahim percaya Allah kawasa ngahirupkeun deui Ishak. (Ibr. 11:17-19) Ibrahim teu nyaho iraha anakna bakal hirup deui. Tapi, manéhna percaya yén Ishak bakal dihudangkeun. w17.12 6-7 ¶12-14

Jumaah, 11 Oktober

Geus henteu jadi tanggungan sim kuring deui.​—Ras. 20:26.

Saperti Paulus, urang kudu boga pandangan nu sarua jeung Yéhuwa. Mantenna hoyong sangkan kabéh tarobat. (2 Pet. 3:9) Pikeun nyonto Yéhuwa, urang kudu nyaah jeung welas asih ka jalma-jalma. Ku kituna, urang bakal sumanget ngawawar sarta bungah ngalakukeunana. Urang nyonto cara pandang Yéhuwa lamun boga pandangan nu bener kana kasalametan. Urang bakal ati-ati waktu keur nyetir atawa digawé, kaasup waktu keur ngawangun, ngarawat, jeung indit ka tempat ibadah. Kahirupan, kasalametan, jeung kaséhatan leuwih penting ti batan waktu jeung duit. Tangtu urang hayang nyonto Allah nu salawasna ngalampahkeun nu bener. Kokolot hususna kudu mikirkeun kasalametan maranéhna sorangan jeung nu lianna. (Sil. 22:3) Regepkeun lamun aya kokolot nu ngingetan urang kana aturan kasalametan. (Gal. 6:1) Lamun boga pandangan nu sarua jeung Yéhuwa, urang moal nepi ka ngaleungitkeun kahirupan.​—Pam. 19:10. w17.11 18 ¶11-12

Saptu, 12 Oktober

Ulah aya saurang ogé nu ngaleungitkeun pahala manéh.​—Kol. 2:18, ”NW”.

Urang Kristen nu diistrénan ngarepkeun pahala nu istiméwa. Rasul Paulus nyebutkeun yén maranéhna bakal ”hirup di sawarga”. (Pil.3:14) Maranéhna bakal maréntah jeung Yésus Kristus di Karajaan Sawarga sarta ngabantu manusa jadi sampurna. (Wahyu 20:6) Bener-bener harepan nu istiméwa! Domba-domba lian ngarepkeun pahala nu béda, nyaéta hirup langgeng di bumi Pirdaus. Ieu harepan mawa kabagjaan sajati ka maranéhna! (2 Pet. 3:13) Paulus hayang ngabantu urang Kristen nu diistrénan sangkan terus satia jeung meunangkeun pahala éta. Ceuk Paulus, ”Tujukeun pikiran kana perkara-perkara anu aya di [sawarga].” (Kol. 3:2) Maranéhna kudu museurkeun pikiran kana harepan nu istiméwa éta. (Kol. 1:4, 5) Ku cara ngalenyepan berkah-berkah ti Yéhuwa, umat Allah bisa terus neuteup pahala.​—1 Kor. 9:24. w17.11 27 ¶1-2

Minggu, 13 Oktober

Sanggakeun nyanyian ka PANGERAN!​—Jab. 96:1.

Loba kawih dina Ngawih Sing Gumbira ka Yéhuwa mangrupa doa. Kawih-kawih ieu bisa ngungkabkeun parasaan Sadérék ka Yéhuwa. Kawih séjénna bisa ngajurung urang pikeun ”nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah”. (Ibr. 10:24) Urang tangtu hayang apal kana wirahma, ketukan, jeung kekecapanana. Lamun Sadérék latihan ngawih di imah, Sadérék bisa ngawih kalawan yakin jeung sapinuh haté. Inget yén ngawih téh bagian penting dina ibadah urang. Éta cara nu alus pikeun némbongkeun kanyaah jeung rasa sukur urang ka Yéhuwa kana sagala berkah-Na. (Yes. 12:5) Lamun Sadérék ngawih kalawan sumanget, nu lian gé kababawa. Kabéh nu aya di sidang, nu kolot, nu ngora, atawa nu anyaran diajar, bisa milu ibadah ka Yéhuwa ku cara ieu. Jadi, tong asa-asa ngawih ku sapinuh haté. Hayu urang ngawih sing gumbira! w17.11 8 ¶18-19

Senén, 14 Oktober

Sing waspada kawas oray, sing lemes kawas japati.​—Mat. 10:16.

Loba pangungsi asalna ti nagri nu ngalarang kagiatan Saksi. Tapi ayeuna, rébuan pangungsi éta bisa ngadéngé ”amanat hal Karajaan Sawarga” ti para Saksi nu sumanget ngawawar. (Mat. 13:19, 23) Loba jalma nu ngarasa ”beurat ku momotan” hirup narima panglilipur jeung bongbolongan tina pasamoan. Maranéhna ngomong, ”Sayaktosna, Allah aya di aranjeun!” (Mat. 11:28-30; 1 Kor. 14:25) Sing bijaksana jeung surti lamun ngawawar ka para pangungsi. (Sil. 22:3) Déngékeun sing sabar lamun maranéhna keur nyarita, tapi ulah nepi ka ngabahas sual pulitik. Urang kudu nuturkeun pituduh ti kantor cabang jeung ti pamaréntah supaya teu ngabahayakeun diri sorangan jeung batur. Lantaran para pangungsi boga agama jeung budaya nu béda, urang kudu paham jeung ngajénan parasaan sarta pamikiran maranéhna. Contona, jalma-jalma ti sababaraha nagri boga pandangan nu béda ngeunaan cara papakéan awéwé. Jadi, lamun urang ngawawar ka maranéhna, urang moal bakal maké pakéan nu bisa nyieun maranéhna kasinggung. w17.05 8 ¶17-18

Salasa, 15 Oktober

Kecapna sing merenah.​—Kol. 4:6.

Urang bisa nyuhunkeun roh suci Yéhuwa pikeun ngabantu urang sangkan lembut jeung soméah ka baraya nu teu ngawula Yéhuwa. Ulah patémbal-témbal ngeunaan kabéh kapercayaan maranéhna nu salah. Lamun urang dinyenyeri ku omongan jeung lalampahan maranéhna, urang bisa nyonto para rasul. Ceuk Paulus, ”Ka nu nyumpahan, rasul-rasul ngabales ku ngaberkahan; dikaniaya, rasul-rasul mah bati pasrah; dipoyokan, rasul-rasul mah kudu angger amis budi.” (1 Kor. 4:12, 13) Ku naon ieu penting? Sanajan ngomong ku cara nu lembut bisa ngabantu urang tetep rukun jeung baraya, laku lampah urang nu hadé bisa gedé pangaruhna. (1 Pet. 3:1, 2, 16) Témbongkeun ka baraya yén Saksi-Saksi Yéhuwa boga kahirupan kulawarga nu bagja, bisa ngurus barudak, hirup luyu jeung papakon Alkitab, sarta sugema hirupna. Sanajan baraya urang henteu narima bebeneran, urang bisa tetep bungah lantaran laku lampah urang kamanah ku Yéhuwa. w17.10 12-13 ¶13-14

Rebo, 16 Oktober

Sing sakedah polah sangkan kaanggo ku Allah.​—2 Tim. 2:15.

Geus teu anéh lamun jalma-jalma nu diajar bebeneran ngarobah kahirupanana. Ieu ogé kaalaman ku sadérék-sadérék nu diistrénan di abad kahiji. (1 Kor. 6:9-11) Sanggeus Paulus nyebutkeun saha waé nu moal asup ka Karajaan Allah, manéhna ngomong, ”Bareto sabagian aranjeun aya anu hirupna kitu.” Firman Allah jeung roh suci-Na ngabantu maranéhna barobah. Sanajan geus jadi urang Kristen, aya ogé nu ngalampahkeun dosa gedé nepi ka ngaruksak sosobatanana jeung Yéhuwa. Contona, Alkitab nyebutkeun hiji sadérék nu diistrénan nu dipecat. Ka dieunakeun, manéhna tobat jeung jadi anggota sidang Kristen deui. (1 Kor. 5:1-5; 2 Kor. 2:5-8) Tangtu urang dikuatkeun lantaran nyaho sadérék-sadérék urang bisa nyieun loba parobahan ku bantuan kawasa Firman Allah. Jadi, urang kudu ngagunakeun Firman Allah ku cara nu bener. w17.09 21-22 ¶2-3

Kemis, 17 Oktober

Nyaah teh ulah ngan semet biwir jeung ucap wungkul, kudu nyata dina prakna.​—1 Yoh. 3:18.

Sipat kanyaah téh asalna ti Yéhuwa. (1 Yoh. 4:7) Kanyaah nu pangunggulna dumasar kana prinsip-prinsip nu bener. Dina basa Yunanina, kanyaah ieu disebut a·gaʹpe. Jalma nu boga kanyaah ieu boga parasaan deudeuh ka batur. Tapi teu ngan saukur kitu, manéhna bakal némbongkeunana liwat tindakan nu teu mentingkeun diri. Ieu téh kanyaah nu ngageuing urang pikeun ngalampahkeun kahadéan ka batur. Hasilna, hirup urang bakal bagja jeung sugema. Yéhuwa geus némbongkeun kanyaah ka manusa ti saacan nyiptakeun Adam jeung Hawa. Bumi dijieun ku Mantenna sangkan bisa nyumponan pangabutuh manusa. Tapi teu ngan éta wungkul, bumi dijieun sangkan manusa bisa senang hirupna. Ieu téh lain keur Yéhuwa, tapi demi mangpaat manusa. Sanggeus tempatna siap, Mantenna nyiptakeun manusa sarta masihan harepan sangkan bisa hirup langgeng di bumi pirdaus. w17.10 3 ¶1-2

Jumaah, 18 Oktober

Kudu nyaah ka batur cara ka diri sorangan.​—Yak. 2:8.

Ceuk Yakobus, ”Lamun ngabeda-beda jalma tina kaayaan lahirna, eta salah, dosa.” (Yak. 2:9) Lamun urang nyaah ka batur, urang moal ngabéda-béda batur ku karana pendidikan, sélér, atawa status sosialna. Ieu téh kudu tina haté, ulah api-api ngalampahkeunana. Kanyaah téh ”sabar jeung alus budi” sarta ”teu takabur”. (1 Kor. 13:4) Urang kudu sabar, hadé haté, jeung rendah haté sangkan bisa terus ngawawarkeun warta hadé. (Mat. 28:19) Sipat-sipat ieu ogé ngabantu urang pikeun rukun jeung kabéh dulur di sidang. Lamun urang ngalampahkeun kanyaah sarupa kitu, sidang bakal tetep ngahiji jeung ngamulyakeun Yéhuwa. Jalma-jalma nu ningali hal ieu bakal kataji kana bebeneran. Ngeunaan kapribadian anyar, Alkitab méré kasimpulan nu cocog, ”Pangpangna mah, urang teh kudu silih pikanyaah. Sabab eta teh, jadi simpayna kasatunggalan.”​—Kol. 3:14, SF. w17.08 25-26 ¶18-19

Saptu, 19 Oktober

PANGERAN . . . masih keneh ngutus nabi-nabi sina ngageuing umat-Na, reh hoyong nyalametkeun ka maranehna.​—2 Bab. 36:15.

Urang ogé kudu karunyaan ka jalma nu can wanoh ka Yéhuwa tapi hayang tobat jeung ngaraket ka Yéhuwa. Mantenna teu hoyong aya nu binasa saurang-urang acan dina Armagédon. (2 Pet. 3:9) Jadi ayeuna, urang hayang ngagunakeun waktu pikeun mépélingan jalma-jalma sangkan dipikarunya ku Allah. Yésus tuladan sampurna dina némbongkeun sipat karunya. Anjeunna karunya ka ”jelema-jelema anu pinuh ku kabingung jeung katalimbeng lir domba nu taya pangangonna”. Jadi, naon nu dilampahkeun ku anjeunna? ”Prak bae ku Anjeunna diwulang rupa-rupa hal.” (Mat. 9:36; Mar. 6:34) Sabalikna, urang Parisi teu karunyaeun jeung teu daékeun nulungan jalma-jalma. (Mat. 12:9-14; 23:4; Yoh. 7:49) Saperti Yésus, naha Sadérék hayang pisan mantuan jeung ngajar loba jalma ngeunaan Yéhuwa? w17.09 11 ¶6; 12 ¶9

Minggu, 20 Oktober

Moal aya anu bisa ngarobah pangersa Kami.​—Yes. 43:13.

Basa keur di panjara di Mesir, Yusup teu nyangka bakal jadi pangawasa pangluhurna sanggeus raja Mesir atawa bakal dipaké ku Yéhuwa pikeun nyalametkeun kulawargana ti bahla kalaparan. (Kaj. 40:15; 41:39-43; 50:20) Tindakan Yéhuwa tangtu teu kabayangkeun ku Yusup. Naha kabayang ku Sarah nu geus kolot yén manéhna bakal ngalahirkeun anak? Bisa ngalahirkeun Ishak téh pasti teu kabayang ku manéhna. (Kaj. 21:1-3, 6, 7) Urang teu ngarepkeun Yéhuwa bakal ngaleungitkeun kabéh masalah ku cara mujijat saméméh dunya anyar. Urang gé moal maksa Yéhuwa pikeun ngalakukeunana. Tapi, urang nyaho yén Yéhuwa geus mantuan hamba-hamba-Na baheula ku cara nu luar biasa. Mantenna henteu barobah. (Yes. 43:10-12) Urang jadi yakin yén Yéhuwa bakal masihan kakuatan nu dibutuhkeun pikeun ngalaksanakeun pangersa-Na. (2 Kor. 4:7-9) Yéhuwa sanggup nulungan urang malahan dina kaayaan nu pohara susahna lamun urang satia ka Mantenna. w17.08 13 ¶13-14

Senén, 21 Oktober

Kudu nyuhunkeun ka PANGERAN sangkan rencana urang diberkahan, tangtu pagawean urang lulus.​—Sil. 16:3.

Dina dines sapinuh waktu, Sadérék bisa digawé bareng jeung palayan sapinuh waktu séjénna sarta dibantu pikeun raket ka Yéhuwa. Salian ti éta, dines sapinuh waktu ogé ngabantu budak ngora lamun engkéna nikah. Lolobana, nu naratas saacan nikah bakal terus naratas duaan sanggeus nikah. (Rum 16:3, 4) Jabur 20:5 nyebutkeun, ”Mugia kahoyong anjeun ku Mantenna dikabul, sagala rancangan anjeun sing dilangsarkeun.” Waktu nyieun rencana pikeun mangsa kahareup, pikirkeun naon nu bener-bener hayang dilakukeun ku Sadérék . Pikirkeun ogé naon nu dilampahkeun ku Yéhuwa kiwari jeung kumaha urang bisa ngadukungna. Terus, jieun rencana nu ngabungahkeun Mantenna. Lamun Sadérék ngagunakeun kahirupan pikeun ngamulyakeun jeung ngawula Yéhuwa sapinuhna, Sadérék bakal bagja. Sadérék bakal meunang ”kabagjaan di PANGERAN, angen-angen [Sadérék] ku Mantenna baris dicumponan”.​—Jab. 37:4. w17.07 26 ¶15-18

Salasa, 22 Oktober

Puji [Yah]! Sabab . . . muji ka Mantenna teh estu bener tur matak resep.​—Jab. 147:1.

Urang sering muji hiji jalma lantaran kagum kana omongan atawa laku lampahna. Komo deui ka Yéhuwa, urang bakal leuwih kageuing pikeun muji Mantenna! Urang muji Mantenna lantaran kawasa-Na, nu katingali tina ciptaana-Na nu éndah, sarta asih-Na nu pohara ka urang, nu kabukti dina korban tebusan Putra-Na. Waktu urang maca Jabur 147, katingali yén nu nulisna hayang pisan muji Yéhuwa. Manéhna ogé ngajurung batur pikeun muji Allah babarengan. (Jab 147:7, 12) Urang teu nyaho saha nu nulis Jabur 147. Bisa jadi, nu nulisna hirup dina mangsa bangsa Israil mulang deui ka Yérusalém sanggeus dibébaskeun ti Babul. (Jab. 147:2) Nu nulis jabur ieu muji Yéhuwa sabab umat Allah bisa ibadah deui di lemah caina. Naon alesan Sadérék surak, ”Puji [Yah]!” atawa ”Haleluyah!”?​—Jab. 147:1. w17.07 15 ¶1-3

Rebo, 23 Oktober

Harta banda sipat lahir teh pake nyieun pibatureun.​—Luk. 16:9.

Yésus apal yén kalolobaan muridna bakal nyanghareupan masalah dina nyiar napkah di dunya nu teu adil ieu. Alkitab ngajéntrékeun yén jual-beuli atawa dagang téh lain pangersa Allah. Contona, Yéhuwa masihan sagala pangabutuh Adam jeung Hawa sacara limpah di Taman Éden. (Kaj. 2:15, 16) Dina abad kahiji, basa Allah masihan roh suci ka jalma-jalma nu diistrénan, Alkitab nyebutkeun, ”Harta bandana sorangan ge teu diaku bogana pribadi, sagala pangabogana dipake keur kapentingan babarengan.” (Ras. 4:32) Nabi Yésaya ogé nganubuatkeun yén bakal datang mangsana sakabéh manusa bisa bébas ngamangpaatkeun sagala hasil bumi. (Yes. 25:6-9; 65:21, 22) Tapi saacan éta laksana, murid-murid Yésus kudu ngagunakeun ”kapinteran akalna”. Maranéhna kudu nyumponan pangabutuhna maké harta banda sipat lahir, bari tetep nyukakeun Allah.​—Luk. 16:8. w17.07 4 ¶4-6

Kemis, 24 Oktober

Sagala pangabogana kawasaan ku maneh.​—Ayub 1:12.

Dina buku Ayub, salah sahiji kitab nu mimiti ditulis, urang maca tuduhan Sétan yén Ayub bakal ninggalkeun Yéhuwa lamun ngalaman sangsara. Malahan Sétan ménta sangkan Allah nyieun Ayub sangsara. Yéhuwa teu kersaeun, tapi ngidinan Sétan nguji Ayub. Teu lila, Ayub kaleungitan bujang-bujang jeung sagala pangabogana. Sapuluh barudakna ogé maraot dina musibat. Sétan nyieun kajadianana saolah-olah disababkeun ku Yéhuwa. (Ayub 1:13-19) Sétan ogé nyiksa Ayub ku panyakit nu pikageuleuheun. (Ayub 2:7) Ayub gé beuki nalangsa sabab pamajikan jeung tilu sobat palsuna ngagerihan haté Ayub ku omongan maranéhna. (Ayub 2:9; 3:11; 16:1, 2) Naha tuduhan Sétan téh bener? Henteu. Sanajan Ayub meunang loba musibat, manéhna tara nempuhkeun ka Allah.​—Ayub 2:10. w17.06 17 ¶9-10

Jumaah, 25 Oktober

Sing saha anu tambelar . . . ka anggota rumah tanggana sorangan, eta teh ingkar tina iman.​—1 Tim. 5:8.

Yéhuwa masihan tanggung jawab ka kapala kulawarga pikeun nganapkahan kulawargana. Manéhna kudu getol digawé. Tapi dina ahir jaman, pagawéan bisa ngalantarankeun loba kahariwangan. Ayeuna, beuki loba jalma nu néangan pagawéan padahal lowonganna ngan saeutik. Ku kituna, jalma-jalma paheula-heula pikeun meunang pagawéan. Aya nu nepi ka kudu lembur sanajan bayaranana leutik. Pangusaha hayang meunang leuwih loba hasil tapi ku pagawé nu leuwih saeutik. Jadi, loba pagawé nu strés jeung kacapéan nepi ka gering. Maranéhna sieun kaleungitan pagawéan lamun teu nyumponan kahayang dununganana. Salaku urang Kristen, urang hayang leuwih satia ka Yéhuwa ti batan ka saha waé, kaasup ka dunungan. (Luk. 10:27) Pagawéan mémang cara keur nyumponan kabutuhan hirup jeung keur ngadukung dines urang. Tapi lamun teu ati-ati, tanggung jawab pagawéan bisa ngaganggu ibadah urang. w17.05 22-23 ¶5-7

Saptu, 26 Oktober

Sing nurut ka bapa, teu ku bapa mah hidep moal aya. Sing ngajenan ka indung di mana indung geus kolot.​—Sil. 23:22.

Sakapeung, sadérék nu anyaran jadi Saksi ménta urang ngajarkeun Alkitab ka barudakna. (Epe. 6:1-4) Basa aya kolot nu ménta urang pikeun ngajar barudakna, urang kudu inget yén urang teu boga wewenang nu sarua siga kolotna. Sakapeung, urang bisa waé ngajarkeun Alkitab ka budak nu kolotna lain Saksi. Lamun urang kudu ngajar anak batur, alusna mah éta diayakeun di imah manéhna basa aya kolotna atawa aya sadérék séjén nu geus pangalaman, atawa diayakeun di tempat umum. Ku kituna, batur moal bakal salah paham. Dina waktuna, bisa waé kolot éta budak bisa ngajar budakna sorangan. w17.06 8 ¶15-16

Minggu, 27 Oktober

Lamun . . . make basa anu ku sim kuring teu kaharti, . . . manehna asing ka sim kuring.​—1 Kor. 14:11.

Lamun barudak ngarasa teu bisa ngahiji jeung budaya kolotna, bisa jadi maranéhna gé embungeun diajar basa jeung agama kolotna. Nu jadi kolot kudu miheulakeun pangabutuh barudakna ti batan kahayangna sorangan. (1 Kor. 10:24) Hiji sadérék nu ngaranna Samuel ngomong, ”Kuring jeung pamajikan merhatikeun dina basa naon bebeneran bisa asup kana haté barudak, sarta ngadoa nyuhunkeun hikmat. . . . Waktu ningali lamun barudak teu narima loba mangpaat di pasamoan nu maké basa kuring, kuring mutuskeun pindah ka sidang basa lokal. Di dinya, kuring sakulawarga rutin masamoan jeung dines. Kuring ogé ngajak dulur saiman di sidang dahar jeung pelesir babarengan. Hal-hal ieu bisa ngaraketkeun barudak urang ka dulur saiman sarta ka Yéhuwa, lain ngan saukur jadi Allah maranéhna tapi ogé jadi Bapa tur Sobat maranéhna. Keur kuring mah hal ieu téh leuwih penting ti batan maranéhna pasih maké basa kuring.” w17.05 12 ¶11-13

Senén, 28 Oktober

Puji PANGERAN!​—Hak. 5:2.

Moal lila deui, kabéh jalma di dunya bakal ngadukung pamaréntahan Yéhuwa. Urang boga harepan nu sarua jeung Débora sarta Barak nu ngawih, ”Mugi sadaya musuh Gamparan, paehna sing cara kitu, nun PANGERAN. Mugi sadaya mitra Gamparan, maloncorong lir ibarat surya medal!” (Hak. 5:31) Éta bakal kajadian basa Yéhuwa ngabinasakeun dunya Sétan. Waktu perang Armagédon, Yéhuwa teu butuh bantuan manusa. Urang bakal ’ngadagoan bae bari ngajaranteng’, ningali kasalametan ti Yéhuwa. (2 Bab. 20:17) Saméméh éta kajadian, urang boga kasempetan pikeun ngadukung pamaréntahan Yéhuwa kalawan wani tur sumanget. Débora jeung Barak ngamimitian kawihna ku pujian ka Yéhuwa, lain ka manusa, ”Puji PANGERAN! Urang Israil geus milih jurit . . . rampak maju andon suka.” (Hak. 5:1, 2) Kitu ogé lamun urang réla digunakeun ku Yéhuwa di mana waé, batur bakal hayang ’muji PANGERAN’. w17.04 32 ¶17-18

Salasa, 29 Oktober

Ayeuna aya di jero panjara oge sayaktosna mah teu gaduh kalepatan naon-naon.​—Kaj. 40:15.

Yusup moal poho kana kasangsaraan nu geus kaalaman salila 13 taun, tapi manéhna henteu ngunek-ngunek. (Kaj. 45:5-8) Nu leuwih penting, manéhna teu ngantep kateusampurnaan atawa kasalahan batur ngajauhkeun manéhna ti Yéhuwa. Lantaran satia, manéhna bisa ningali Yéhuwa ngalempengkeun masalahna jeung ngaberkahan manéhna tur kulawargana. Kitu ogé ayeuna, urang kudu ngahargaan tur ngajaga sosobatan urang jeung Yéhuwa. Ulah ngantep kateusampurnaan dulur-dulur urang ngajauhkeun urang ti Allah nu dipikanyaah jeung disembah ku urang. (Rum 8:38, 39) Jadi, lamun ngalaman kateuadilan di sidang, urang perlu nyonto Yusup jeung terus ngaraket ka Yéhuwa. Urang kudu boga pandangan nu sarua jeung Yéhuwa. Sanggeus satékah polah nuturkeun prinsip Alkitab pikeun ngaréngsékeun masalah, urang kudu masrahkeun masalahna ka Yéhuwa. Urang bisa yakin lamun Yéhuwa bakal ngaréngsékeun masalahna dina waktuna jeung ku cara nu panghadéna. w17.04 18 ¶12; 19 ¶15-16

Rebo, 30 Oktober

Upami abdi ku Gusti dikersakeun gaduh anak tur lalaki, bade diiklaskeun sumeja kasanggakeun, saumurna sina kumawula ka Gusti.​—1 Sam. 1:11.

Hana nedunan jangjina ka Yéhuwa. Manéhna mawa Samuél ka Imam Agung Éli di kémah tepangan di Silo. Ceuk manéhna, ”Harita abdi teh nyuhunkeun dipaparin anak, ayeuna parantos dimakbul. Ieu pun anak teh. Ayeuna seja dibaktikeun ka PANGERAN, saumur hirupna sina ngawula ka Mantenna.” (1 Sam. 1:24-28) Ti saprak éta, Samuél cicing di kémah tepangan. ”Samuel beuki ageung, sarta jongjon kumawula ka PANGERAN.” (1 Sam. 2:21) Keur Hana, nedunan ikrarna téh tangtu teu gampang. Manéhna teu bisa ulin jeung anakna nu dipikanyaah. Manéhna ogé teu bisa ningali anakna beuki gedé. Tapi, Hana nganggap sérius ikrarna ka Yéhuwa. Manéhna réla ngorbankeun hal nu penting dina hirupna demi nedunan ikrar ka Allah. Hana suka bungah ngalampahkeunana.​—1 Sam. 2:1, 2; Jab. 61:2, 6, 9. w17.04 5 ¶7-8

Kemis, 31 Oktober

Inget . . . dina ahir jaman bakal loba kasukeran.​—2 Tim. 3:1.

Rasul Paulus nyebutkeun yén dina ahir jaman bakal aya ”loba kasukeran”. Ceuk manéhna, ”Anu daroraka, anu marunapek, geus jahat teh bakal beuki jahat.” (2 Tim. 3:2-5, 13) Naha éta kaalaman ku Sadérék? Di antara urang, loba nu jadi korban jalma-jalma nu jahat, saperti digarong, dikaniaya, atawa ditindes lantaran béda sélér bangsa. Sababaraha jalma éta teu éra kana lalampahan jahatna. Tapi, aya ogé nu api-api jadi jalma bageur, padahal mah jahat. Sanajan urang tara jadi korban kajahatan, tetep aya pangaruhna ka urang. Urang ngarasa sedih lamun ngadéngé aya nu telenges ka budak leutik, ka kolot, jeung ka jalma nu lemah. Jalma-jalma nu jahat téh pinuh ku hawa napsu jeung teu boga rasrasan. (Yak. 3:15) Sukur ka Yéhuwa lantaran Mantenna masihan harepan ka urang. w17.04 11 ¶4

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun