Maret
Minggu, 1 Maret
Gusti, anu ngasta saniskara.—1 Bab. 29: 12.
Waktu maca Kajadian pasal 1 jeung 2, urang diajar yén Adam jeung Hawa miboga kabébasan nu diimpi-impikeun ku loba jalma kiwari. Sagala pangabutuhna kacumponan, maranéhna teu sieun kana nanaon, sarta teu ngalaman kateuadilan. Maranéhna gé tara ngahariwangkeun dahareun, pagawéan, panyakit, atawa maot. (Kaj. 1:27-29; 2:8, 9, 15) Tapi, urang kudu inget yén ngan Allah Yéhuwa nu boga kabébasan mutlak nu teu aya watesanana. Naon sababna? Sabab Mantenna téh Pangawasa jagat raya nu mahakawasa, nu nyiptakeun saniskara. (1 Tim. 1:17; Wahyu 4:11) Tapi, kabébasan nu dipiboga ku kabéh mahluk ciptaan di sawarga jeung di bumi aya watesanana. Éta disebut kabébasan rélatif. Allah Yéhuwa hoyong urang paham yén ngan Mantenna nu boga hak pikeun netepkeun watesan nu adil, perlu, jeung asup akal. Ti mimiti, Yéhuwa geus netepkeun watesan pikeun ciptaana-Na. w18.04 4 ¶4, 6
Senén, 2 Maret
Resep temen engke nenjo nu . . . mawa beja matak suka”—Yes. 52:7.
Di dunya kiwari, urang bisa tabah ngan ku bantuan Yéhuwa. (2 Kor. 4:7, 8) Tapi, pikirkeun jalma-jalma nu teu nyobat jeung Yéhuwa. Tangtu beurat pisan keur maranéhna lantaran kudu bajoang sorangan di dunya ieu. Siga Yésus, urang karunya ka maranéhna jeung kageuing pikeun méré ”beja matak suka”. Jadi, sing sabar ka palajar Alkitab. Inget yén manéhna bisa jadi tara mikirkeun bebeneran Alkitab siga urang. Loba ogé nu boga kayakinan nu kuat kana kapercayaanana. Bisa jadi manéhna ngarasa agamana téh nu ngahijikeun manéhna jeung kulawarga, kabudayaan, sarta masarakat. Urang teu bisa langsung ngajurung jalma ninggalkeun kapercayaan ”heubeulna” nu penting keur manéhna. Urang kudu ngabantu heula manéhna ngahargaan bebeneran ”anyar”, nyaéta pangajaran Alkitab nu awalna teu dikenal ku manéhna. Ngan ku cara kitu, manéhna bakal siap ninggalkeun kapercayaanana. Butuh waktu pikeun ngabantu jalma nyieun parobahan siga kitu.—Rum 12:2. w19.03 22-24 ¶10, 12-13
Salasa, 3 Maret
Anu kamanah ku Kami.—Mar. 1:11.
Ku kekecapan ieu Yéhuwa ngagedékeun haté Yésus jeung némbongkeun kanyaah-Na. Jadi, urang gé kudu néangan kasempetan pikeun ngagedékeun haté batur. (Yoh. 5:20) Urang kageuing pikeun mekarkeun hal-hal hadé lamun jalma nu dipikanyaah ku urang nyaah jeung muji lalampahan hadé urang. Kitu ogé, dulur-dulur saiman di sidang jeung anggota kulawarga urang butuh dipikanyaah jeung digedékeun haténa. Lamun dipuji, iman jeung kasatiaan maranéhna ka Yéhuwa bakal beuki kuat. Kolot hususna kudu ngagedékeun haté budak. Kolot nu méré pujian tina haté jeung nyaah ka budakna bakal ngabantu budakna jadi jalma nu leuwih hadé. Kekecapan ”Anu kamanah ku Kami” némbongkeun yén Yéhuwa yakin Yésus bakal satia ngalampahkeun kahoyong Bapana. Yéhuwa yakin pisan ka Putra-Na. Jadi, urang ogé bisa yakin Yésus bakal ngawujudkeun sakabéh jangji Yéhuwa. (2 Kor. 1:20) Lamun urang mikirkeun tuladan Yésus, tékad urang pikeun diajar ti anjeunna jeung nuturkeun tuladanna jadi beuki kuat. Yéhuwa ogé yakin pisan yén umat-Na, sabagé kelompok, bakal terus diajar ti Putra-Na.—1 Pet. 2:21. w19.03 8 ¶3; 9 ¶5-6
Rebo, 4 Maret
Sabab geus dileupaskeun tina hukum dosa jeung maot ku Roh Allah, nya eta anu ngalantarankeun urang ngahiji jeung Kristus Yesus.—Rum 8:2.
Waktu urang narima hadiah nu istiméwa, urang nganuhunkeun ka nu méréna. Tapi, bangsa Israil mah teu nganuhunkeun kana kabébasan nu dipasihkeun ku Yéhuwa. Ngan sababaraha bulan ti saprak dibébaskeun ti Mesir, maranéhna ngimpi-ngimpikeun dahareun jeung inumeun di Mesir. Maranéhna kukulutus ngeunaan manna, dahareun nu disadiakeun ku Yéhuwa. Malahan, maranéhna hayang baralik deui ka Mesir! Keur maranéhna, ’lauk, bonteng, samangka, bawang beureum, bawang daun, bawang bodas’ téh leuwih penting ti batan kabébasan pikeun ibadah ka Yéhuwa. Éta sababna Yéhuwa ambek pisan ka maranéhna. (Bil. 11:5, 6, 10; 14:3, 4) Urang bisa meunang palajaran penting tina hal ieu. Paulus mépélingan sakabéh urang Kristen sangkan terus nganuhunkeun kabébasan nu geus dipasihan ku Yéhuwa liwat Putra-Na, Yésus Kristus.—2 Kor. 6:1. w18.04 10-11 ¶6-7
Kemis, 5 Maret
PANGERAN cinta kajujuran jeung kaadilan, dunya pinuh ku murah asih-Na.—Jab. 33:5.
Urang kabéh hayang batur nyaah jeung adil ka urang. Lamun urang teterusan teu dipikanyaah jeung ngalaman kateuadilan, urang bisa ngarasa euweuh gunana jeung pegat harepan. Yéhuwa apal urang hayang dipikanyaah jeung butuh kaadilan. (Jab. 33:5) Urang yakin Allah nyaah pisan ka urang jeung hayang urang meunangkeun kaadilan. Urang nyaho hal ieu lamun nalungtik Hukum nu dipasihkeun ku Yéhuwa ka bangsa Israil liwat Musa. Lamun nalungtik Hukum Musa, urang bakal nyaho yén Yéhuwa téh Allah nu nyaahan. (Rum 13:8-10) Hukum Musa dumasar kana kanyaah lantaran sagala hal nu dilakukeun ku Yéhuwa téh dijurung ku kanyaah. (1 Yoh. 4:8) Sakabéh hukum nu aya dina Hukum Musa dasarna téh dua paréntah utama, nyaéta nyaah ka Allah jeung nyaah ka sasama. (Ima. 19:18; Pam. 6:5; Mat. 22:36-40) Leuwih ti 600 paréntah nu aya dina Hukum téh ngajarkeun kanyaah Yéhuwa. w19.02 20-21 ¶1-4
Jumaah, 6 Maret
Di mana bae ayana harta maneh nya di dinya nempelna hate maneh.—Mat. 6:21.
Ayub ngajaga kalakuanana ka awéwé. (Ayub 31:1) Ayub apal yén némbongkeun minat romantis ka jalma nu lain batur hirup téh salah. Kiwari, gogoda séksual téh loba pisan. Siga Ayub, naha urang gé henteu némbongkeun minat romantis ka jalma nu lain batur hirup? Naha urang nyingkahan gambar cabul atawa porno di mana waé? (Mat. 5:28, SF) Lamun urang satékah polah ngadalikeun diri unggal poé, tékad urang pikeun tetep satia bakal beuki kuat. Kataatan Ayub ogé katémbong tina cara pandangna kana harta banda. Ayub ngarti lamun manéhna ngandelkeun harta banda, manéhna bisa kajurung pikeun ngalampahkeun dosa jeung bakal dihukum. (Ayub 31:24, 25, 28) Kiwari, urang hirup di dunya nu mata duitan. Lamun urang boga pandangan nu bener kana duit jeung harta banda, luyu jeung pituduh Alkitab, tékad urang pikeun tetep satia bakal beuki kuat.—Sil. 30:8, 9; Mat. 6:19, 20. w19.02 6-7 ¶13-14
Saptu, 7 Maret
Sakumaha Kami dipikanyaah ku Rama, maraneh oge dipikanyaah ku Kami.—Yoh. 15:9.
Tina sagala lalampahanana, Yésus sampurna némbongkeun gedéna kanyaah Yéhuwa ka urang. (1 Yoh. 4:8-10) Utamana, Yésus réla ngorbankeun kahirupanana demi kapentingan urang. Teu sual urang diistrénan atawa ’domba-domba lian’, urang bisa meunang mangpaat tina kanyaah Yéhuwa jeung Putra-Na nu ditémbongkeun liwat tebusan. (Yoh. 10:16; 1 Yoh. 2:2) Tina bahan-bahan nu digunakeun dina acara Pangéling-ngéling ogé, urang nyaho yén Yésus téh mikanyaah jeung mikirkeun murid-muridna. Naon buktina? Kanyaah Yésus ka murid-muridna nu diistrénan ditémbongkeun ku cara netepkeun acara nu saderhana, lain upacara nu ruwed. Saterusna, murid-murid nu diistrénan ieu kudu ngayakeun Pangéling-ngéling unggal taun dina sagala kaayaan, kaasup waktu di panjara. (Wahyu 2:10) Naha maranéhna bisa nuturkeun paréntah Yésus ieu? Bisa! Nepi ka jaman ayeuna, urang Kristen sajati terus ngupayakeun pikeun miéling pupusna Yésus. w19.01 24 ¶13-15
Minggu, 8 Maret
Bakal nyaraho ka Anu saestu, sarta ku Anu saestu maraneh bakal dibebaskeun.—Yoh. 8:32.
Nuhun ka Yéhuwa lantaran urang geus bébas tina agama palsu jeung tahayul, urang gé moal dibobodo deui. Dina mangsa kahareup, urang bisa meunangkeun ”kamerdikaan kamulyaanana putra-putra Allah”. (Rum 8:21, SF) Ti ayeuna ogé Sadérék bisa meunang kabébasan lamun nuturkeun pangajaran Kristus. (Yoh. 8:31) Ku kituna, Sadérék bakal ’nyaho ka anu saestu’, lain tina diajar wungkul tapi ogé tina ngalarapkeunana! Nu disebut kagenahan di dunya ieu téh ngan sementara. Euweuh jalma nu apal isuk bakal kumaha. (Yak. 4:13, 14) Nu panghadéna mah lamun Sadérék nyieun pilihan nu bakal ngabantu Sadérék ngahontal ”hirup sajati”, nyaéta hirup langgeng di dunya anyar nu éndah. (1 Tim. 6:19) Yéhuwa teu maksa sasaha pikeun ngawula Mantenna. Éta mah kumaha putusan urang masing-masing. Ku kituna, jadikeun Yéhuwa ”kagaduh” Sadérék ku cara ngaraket ka Mantenna unggal poé. (Jab. 16:5) Hargaan ”hal-hal anu harade” ti Mantenna. (Jab. 103:5) Sing yakin yén Yéhuwa bisa masihan kabungah jeung kabagjaan nu limpah keur salalanggengna!—Jab. 16:11. w18.12 26 ¶19, 21
Senén, 9 Maret
Salaki teu meunang nyerahkeun pamajikan.—1 Kor. 7:11.
Kabéh urang Kristen kudu ngajénan perkawinan saperti Yéhuwa jeung Yésus. Tapi, sakapeung aya nu teu siga kitu lantaran urang teu sampurna. (Rum 7:18-23) Jadi, urang teu héran lamun sababaraha urang Kristen di abad kahiji boga masalah gedé dina perkawinanana. Paulus nulis yén ”pamajikan teu meunang ninggalkeun salaki”. Tapi, sakapeung éta nu kajadian. (1 Kor. 7:10) Paulus teu ngajelaskeun masalah naon waé nu bisa ngalantarankeun salaki pamajikan pipisahan. Tapi nu pasti, masalahna téh lain lantaran salakina ngalakukeun lampah cabul. Lamun kitu mah pamajikanana bisa megatkeun salakina tuluy kawin deui. Paulus nulis yén salaki pamajikan nu pipisahan ”kudu tetep lelengohan, atawa alusna mah balik deui ka salaki”. Jadi di payuneun Allah, maranéhna tetep salaki pamajikan. Paulus nyebutkeun, teu sual masalah atawa kasusah nu disanghareupan, lamun masalahna lain lampah cabul, maranéhna kudu ngupayakeun pikeun akur deui, nyaéta ngaréngsékeun masalahna jeung tetep ngahiji. Maranéhna bisa ménta bantuan kokolot. w18.12 13 ¶14-15
Salasa, 10 Maret
Upayakeun heula diri tunduk kana parentah jeung pangersa Allah.—Mat. 6:33.
Kiwari, Allah hoyong urang jadi sobat-Na jeung hoyong urang satékah polah ngawawarkeun warta hadé. (Mat. 28:19, 20; Yak. 4:8) Tapi sababaraha jalma nu niatna alus bisa jadi ngalemahkeun tékad urang. Misalna, dunungan Sadérék nawarkeun naék jabatan jeung gajih nu leuwih gedé, tapi Sadérék kudu ngurangan waktu pikeun masamoan atawa ngawawar. Atawa, lamun Sadérék sakola kénéh, bisa jadi Sadérék ditawaran pikeun sakola di tempat jauh ti imah. Lamun kitu, naha Sadérék kudu ngadoa, ngarisét, jeung ngomong heula ka batur saacan nyieun putusan? Leuwih hadé lamun Sadérék diajar cara pandang Yéhuwa ti ayeuna jeung nyaluyukeun cara pikir Sadérék. Jadi, pas tawaran-tawaran éta muncul, Sadérék teu pati kabita. Sadérék apal pisan kudu kumaha lantaran geus mutuskeun pikeun ngutamakeun palayanan ka Yéhuwa. w18.11 31-32 ¶18
Rebo, 11 Maret
Tina sagala nu kudu dijaga, utamana jaga haté manéh.—Sil. 4:23, ”NW”.
Suléman jadi raja Israil basa keur ngora. Dina awal pamaréntahanana, Yéhuwa némbongan ka manéhna dina impian tuluy nyarios, ”Maneh hayang dibere naon ku Kami?” Suléman némbalan, ”Abdi teh teu terang aturan marentah, kawantos sakieu nya ngora keneh. . . . Ku margi kitu abdi sumeja nyuhunkeun kapinteran sacekapna [”haté nu taat”, NW], supados tiasa ngatur umat Gusti kalayan adil.” (1 Rja. 3:5-10) Suléman bener-bener rendah haté! Pantes Suléman dipikaasih ku Yéhuwa! (2 Sam. 12:24) Allah resep pisan ku jawaban Suléman tuluy masihan ”kapinteran jeung kawijaksanaan” ka raja ngora ieu. (1 Rja. 3:12) Salila satia, Suléman narima loba berkah. Manéhna meunang kahormatan pikeun ngawangun ”gedong paranti ibadah ka GUSTI Allah Israil”. (1 Rja. 8:20) Manéhna gé jadi kasohor lantaran boga hikmat ti Allah. Salian ti éta, kekecapanana nu diilhamkeun ku Allah ditulis dina tilu buku Alkitab. Salah sahijina téh buku Siloka. w19.01 14 ¶1-2
Kemis, 12 Maret
Ulah rek kabawakeun ku tabeat dunya. —Rum 12:2, ”SF”.
Sababaraha jalma teu hayang cara pikirna dipangaruhan ku sasaha. Ceuk maranéhna, ”Kumaha aing wé.” Bisa jadi maranéhna hayang nyieun putusan sorangan jeung ngarasa boga hak pikeun ngalampahkeunana. Maranéhna teu hayang dikadalikeun ku batur atawa dipaksa nuturkeun batur. Urang bisa yakin yén urang masih bisa boga pandangan pribadi sanajan boga cara pikir Yéhuwa. Ceuk 2 Korinta 3:17, ”Di mana aya Roh Pangeran, aya kamerdekaan.” Yéhuwa teu nangtukeun urang kudu jadi jalma nu siga kumaha. Urang bébas milih naon kahayang jeung karesep urang. Urang mémang diciptakeun ku Yéhuwa téh siga kitu. Tapi, ieu lain hartina urang bisa sabébas-bébasna. (1 Pet. 2:16) Waktu rék mastikeun naha hiji hal téh bener atawa salah, Yéhuwa hoyong urang dibingbing ku Firman-Na. w18.11 22 ¶5-6
Jumaah, 13 Maret
Bapa geus ditinggalkeun ku Demas, da manehna kagembang ku dunya ieu.—2 Tim. 4:10.
Basa diajar bebeneran, urang sadar yén ngawula Yéhuwa leuwih penting ti batan harta banda. Urang gé bungah ngorbankeun hal éta pikeun bebeneran. Tapi terus, urang ningali batur maké duitna pikeun meulian alat éléktronik nu panganyarna atawa hal-hal séjénna. Urang jadi kabita. Urang gé teu ngarasa puas sarta mulai mentingkeun harta banda ti batan ngawula Yéhuwa. Ieu ngingetkeun urang ka Démas. ”Manehna kagembang ku dunya ieu” nepi ka ninggalkeun Rasul Paulus jeung tugasna. Bisa jadi Démas leuwih nyaah ka harta banda ti batan dinesna ka Allah. Atawa manéhna geus teu hayang deui nyieun pangorbanan pikeun ngawula bareng jeung Paulus. Naon palajaranana? Bisa waé baheula urang nyaah ka harta banda. Lamun teu ati-ati, kanyaah éta bisa tumuwuh deui malahan sakitu kuatna nepi ka urang teu nyaah deui ka bebeneran. w18.11 12 ¶9
Saptu, 14 Maret
Hamo matak paeh.—Kaj. 3:4.
Kabohongan Sétan téh jahat pisan lantaran manéhna nyaho lamun Hawa percaya ka manéhna tuluy ngadahar buah éta, Hawa bakal paéh. Éta bener-bener kajadian. Basa Adam jeung Hawa teu taat ka Allah, maranéhna paéh. (Kaj. 3:6; 5:5) Nu leuwih parah, ”maot teh sumebar sarta tumerap ka sakumna manusa” gara-gara dosa Adam. Ayeuna, ”maot . . . geus ngawasaan sakumna manusa. Malah jelema-jelema anu henteu migawe dosa saperti dosa Adam oge anu ngalanggar parentah Allah, kabeh kapurba ku maot”. (Rum 5:12, 14) Urang jadi teu sampurna jeung teu bisa hirup langgeng sakumaha kahoyong Allah. Ayeuna, umur urang ”mung tujuh puluh taun, atanapi dalapan puluh pikeun nu kiat”, éta gé ”bari ripuh seueur nu karasa”. (Jab. 90:10) Ieu kabéh dilantarankeun ku kabohongan Sétan! Yésus ngomong yén Sétan téh ”tara mihak ka nu bener, lantaran teu kaancikan ku sipat bener”. (Yoh. 8:44) Sétan masih tetep kitu. Manéhna ”nyasarkeun saalam dunya” ku kabohonganana. (Wahyu 12:9) Urang embung kasasarkeun ku Sétan. w18.10 3-4 ¶1-4
Minggu, 15 Maret
Bagja jelema anu resep ngupayakeun karukunan, ku Allah bakal diangken putra!—Mat. 5:9.
Lamun urang boga inisiatif pikeun rukun jeung batur, urang bisa bagja. Yakobus nulis, ”Binih karapihan pelak jalma anu cinta kana karapihan mah buahna teh kahadean.” (Yak. 3:18) Jadi, lamun Sadérék hésé akur jeung hiji jalma di sidang atawa di kulawarga, pénta pitulung ti Yéhuwa supaya Sadérék bisa ngupayakeun karukunan. Yéhuwa pasti masihan roh suci-Na nu mantuan Sadérék pikeun némbongkeun sipat-sipat Kristen. Ku kituna, Sadérék bisa leuwih bagja. Yésus nandeskeun pentingna inisiatif pikeun rukun jeung batur waktu ngomong, ”Lamun maraneh rek nyanggakeun kurban ka Allah dina altar, tuluy inget yen aya anu nyerieun hate ka maraneh, tunda heula pikurbaneun teh hareupeun altar, buru-buru indit menta hampura heula, geus kitu kakara balik deui neruskeun ngurban.”—Mat. 5:23, 24. w18.09 19-20 ¶17
Senén, 16 Maret
Maraneh ku Kami dibere hiji parentah anyar, nya eta: Masing silih pikanyaah. Sakumaha Kami mikanyaah ka maraneh, maraneh oge kudu silih pikanyaah.—Yoh. 13:34.
Dina peuting saacanna pupus, Yésus ampir 30 kali nyebutkeun kanyaah. Ceuk anjeunna, murid-muridna kudu ”silih pikanyaah”. (Yoh. 15:12, 17) Kanyaah maranéhna bakal katémbong pisan ku batur nepi ka jadi ciri murid-murid Kristus nu sajati. (Yoh. 13:35) Kanyaah nu disebutkeun ku Yésus ieu teu ngan saukur parasaan, tapi sipat nu luar biasa nu teu mentingkeun diri. Ceuk Yésus, ”Kanyaah nu panggedena ti hiji jalma ka sobat-sobatna, nya eta lamun nepi ka iklas ngorbankeun jiwa pikeun ngabelaanana. Maraneh teh sobat-sobat Kami lamun ngalakonan ieu parentah Kami.” (Yoh. 15:13, 14) Umat Yéhuwa kiwari ogé katelah ku kanyaahna nu iklas jeung teu mentingkeun diri sarta kasatunggalanana nu kuat. (1 Yoh. 3:10, 11) Ieu téh teu sual bangsana, sélérna, basana, asalna, sarta cara maranéhna digedékeun. Di sakuliah dunya, umat Yéhuwa enya-enya silih pikanyaah. w18.09 8-9 ¶1-2
Salasa, 17 Maret
Sing saha anu tambelar ka baraya, pangpangna ka anggota rumah tanggana sorangan, eta teh ingkar tina iman, leuwih jahat ti batan anu teu boga iman.—1 Tim. 5:8.
Yéhuwa miharep urang ngurus kulawarga. Misalna, Sadérék kudu nganapkahan kulawarga. Loba indung kudu cicing di imah pikeun ngurus barudakna nu laleutik kénéh. Lamun kolot urang geus teu bisa ngurus diri, bisa jadi urang gé kudu ngurus maranéhna. Ieu téh hal-hal nu penting. Lamun boga tanggung jawab kulawarga, bisa jadi Sadérék teu bisa ngalalayanan Yéhuwa leuwih loba sakumaha nu dipikahayang ku Sadérék. Tapi, ulah leutik haté! Sadérék kamanah ku Yéhuwa lamun Sadérék nyadiakeun pangabutuh kulawarga. (1 Kor. 10:31) Lamun Sadérék keur teu boga tanggung jawab kulawarga, naha Sadérék bisa ngabantu dulur saiman nu gering, nu geus kolot, atawa nu butuh bantuan séjén? Atawa, naha Sadérék bisa ngabantu dulur saiman nu keur ngurus kulawargana? Pék perhatikeun di sidang, saha nu keur butuh bantuan. Lamun éta dilakukeun, bisa jadi Sadérék keur digunakeun ku Yéhuwa pikeun ngajawab doa maranéhna.—1 Kor. 10:24. w18.08 22 ¶3, 5
Rebo, 18 Maret
Yusup diaping ku Allah, ahirna kaluar tina kabalangsakan.—Ras. 7:9, 10.
Ti sakabéh anak Yakub, Yusup nu pangdipikanyaahna. Éta sababna lanceuk-lanceukna sirik. Basa umur 17 taun, Yusup dijual jadi budak beulian ku maranéhna. (Kaj. 37:2-4, 23-28) Salila kira-kira 13 taun, manéhna nalangsa di Mesir lantaran jadi budak beulian tuluy ka dieunakeun dipanjara. Yusup jauh ti bapa nu dipikanyaah ku manéhna. Dina kaayaan ieu, manéhna bisa waé ngarasa aral jeung keuheul. Tapi, manéhna teu kitu. Naon sababna? Salila Yusup nalangsa di panjara, tangtu nu sering dipikiran ku manéhna téh bantuan ti Yéhuwa. (Kaj. 39:21; Jab. 105:17-19) Bisa jadi manéhna inget kana impian nu eusina nubuat basa manéhna keur ngora kénéh. Ku kituna, manéhna yakin Yéhuwa nyarengan manéhna. (Kaj. 37:5-11) Manéhna ogé bisa jadi sering ngadoa pikeun ngungkabkeun eusi haténa ka Yéhuwa. (Jab. 145:18) Yéhuwa ngajawab doa Yusup ku cara ngayakinkeun manéhna yén teu sual kumaha kaayaanana, manéhna bakal ”diaping ku Allah”. w18.10 23 ¶3-4
Kemis, 19 Maret
Ka nu malarat mah taya pisan nu misobat, teu cara nu beunghar loba sobatna.—Sil. 14:20.
Beunghar miskinna hiji jalma bisa mangaruhan pandangan urang ka manéhna. Misalna kumaha? Suléman diilhamkeun pikeun nulis ngeunaan hiji kanyataan nu ditunjukkeun ku ayat poé ieu. Mun teu ati-ati, urang bisa jadi nyobat jeung nu beunghar wungkul, embung jeung nu miskin. Naon bahayana lamun urang ngukur jalma tina hartana? Sidang bakal kapisah-pisah. Ieu pernah kaalaman ku sidang-sidang di abad kahiji, éta sababna maranéhna diélingan ku Yakobus. (Yak. 2:1-4) Urang kudu ati-ati ulah nepi ka pamikiran siga kitu asup ka sidang sarta supaya urang teu ngukur jalma tina hartana. w18.08 11-12 ¶8-10
Jumaah, 20 Maret
Kudu enya-enya silih pikanyaah.—1 Pet. 4:8.
Urang ngahargaan sosobatan urang jeung Yéhuwa ku cara bageur ka dulur saiman. Maranéhna milik Yéhuwa saperti urang. Lamun urang inget kana hal ieu, urang bakal terus bageur jeung nyaah ka maranéhna. (1 Tes. 5:15) Sakumaha pentingna hal ieu? Ceuk Yésus ka murid-muridna, ”Ku jalan silih pikanyaah jeung babaturan, bakal katara ka sarerea yen maraneh teh murid-murid Kami.” (Yoh. 13:35) Yéhuwa ’ngadangukeun’ omongan sarta merhatikeun sikep urang ka dulur saiman. (Mal. 3:16) Yéhuwa ”uninga ka umat kagungana-Na”. (2 Tim. 2:19) Mantenna apal pisan naon nu diomongkeun jeung nu dilampahkeun ku urang. (Ibr. 4:13) Yéhuwa merhatikeun lamun urang teu bageur ka dulur saiman. Tapi, urang bisa yakin yén Yéhuwa gé merhatikeun lamun urang soméah, béréhan, hampuraan, jeung bageur.—Ibr. 13:16. w18.07 25-26 ¶15, 17
Saptu, 21 Maret
Ngabakti ngan ka [Yéhuwa] bae wungkul.—Pam. 10:20.
Urang kabéh tangtu hayang satia jeung mihak ka Yéhuwa. Éta pilihan nu alus ku sabab euweuh deui nu leuwih kuat, leuwih bijaksana, jeung leuwih nyaah ka urang salian ti Yéhuwa! (Jab. 96:4-6) Sanajan kitu, aya sababaraha hamba Allah nu teu mihak deui ka Yéhuwa. Contona Kain. Manéhna mémang teu nyembah ka allah palsu, tapi Yéhuwa teu narima ibadahna. Ku naon? Yéhuwa ningali yén haté manéhna téh condong ka nu jahat. (1 Yoh. 3:12) Yéhuwa ngélingan Kain, ”Coba lamun tas migawe anu bener mah tangtu beungeut teh marahmay [”manéh kamanah deui ku Kami”, NW]. Tapi ku sabab tas migawe anu goreng, tuh di lawang panto, dosa eukeur ngadodoho, arek kumawasa ka maneh. Ku maneh kudu dielehkeun.” (Kaj. 4:6, 7) Yéhuwa ngajelaskeun lamun Kain daék tobat tuluy milih mihak ka Yéhuwa, Mantenna bakal aya di pihak Kain. Tapi, manéhna teu ngagugu. w18.07 15 ¶1; 15-16 ¶3, 4
Minggu, 22 Maret
Caang maraneh ge kudu mencar ka sarerea.—Mat. 5:16.
Ngawawar jeung ngajadikeun murid téh cara penting pikeun mencarkeun caang. (Mat. 28:19, 20) Lalampahan urang gé mawa kamulyaan pikeun Yéhuwa. Loba jalma merhatikeun waktu urang ngawawar. Lamun urang soméah bari ngucapkeun salam, batur bisa boga pandangan nu alus ngeunaan urang jeung Allah nu disembah ku urang. Yésus ngomong ka murid-muridna, ”Memeh asup [ka imah] uluk salam heula.” (Mat. 10:12) Di jaman Yésus, jalma-jalma geus biasa ngondang jalma nu teu dikenal asup ka imahna. Tapi kiwari di loba tempat, geus euweuh kabiasaan ieu. Jalma-jalma sok curiga atawa ngarasa kaganggu lamun nempo jalma nu teu dikenal aya di hareupeun panto. Tapi lamun urangna soméah jeung bageur, maranéhna jadi leuwih tenang. Waktu ngawawar di tempat umum maké rak, bisa jadi jalma-jalma jadi teu asa-asa nyampeurkeun jeung nyokot publikasi lamun urangna soméah. w18.06 22 ¶4-5
Senén, 23 Maret
Mungguh di Allah mah jalmi teh sami.—Ras. 10:34.
Rasul Pétrus campur gaul jeung urang Yahudi wungkul. Allah ngajéntrékeun yén urang Kristen teu meunang beurat sabeulah. Tuluy, Pétrus ngawawar ka Kornélius, prajurit Rum. (Ras. 10:28, 35) Sanggeus éta, Pétrus campur gaul sarta dahar bareng jeung urang Kristen nu lain Yahudi. Tapi, mangtaun-taun sanggeusna di kota Antioki, manéhna teu daék deui dahar bareng jeung urang Kristen nu lain Yahudi. (Gal. 2:11-14) Pétrus ditegor ku Paulus. Tapi, Pétrus narimakeun. Naon buktina? Waktu Pétrus nulis surat nu mimiti ka urang Kristen Yahudi jeung nu lain Yahudi di Asia Leutik, manéhna nyebutkeun pentingna mikanyaah sakabéh dulur. (1 Pet. 1:1; 2:17) Lantaran ningali tuladan Yésus, rasul-rasul diajar pikeun mikanyaah ”sakabeh manusa”. (Yoh. 12:32; 1 Tim. 4:10) Sanajan butuh waktu, maranéhna bisa ngarobah cara pandangna. Lantaran geus maké ”kapribadian anu anyar”, urang Kristen diajar pikeun teu ngabéda-béda jalma, sakumaha Allah.—Kol. 3:10, 11, SF. w18.06 13 ¶15-16
Salasa, 24 Maret
Ngadeg sing pengkuh . . . dibaju-keré ku laku lampah nu bener.—Epe. 6:14, ”NW”.
Baju keré prajurit Rum biasana dijieun tina pelat-pelat beusi nu dipelengkungkeun ngepas jeung dada. Ku sabab maké baju keré, prajurit kudu sering mariksa sangkan sambungan pelat-pelatna teu lalogor. Ieu bisa ngalindungan jantung jeung organ séjénna. Papakon nu bener ti Yéhuwa bisa disaruakeun jeung baju keré lantaran ngalindungan ”haté” atawa batin urang. (Sil. 4:23, NW) Saurang prajurit moal ngaganti pelat beusi baju keréna ku bahan logam séjén nu teu pati kuat. Kitu ogé, urang moal ngaganti papakon Yéhuwa ngeunaan nu bener ku pamikiran urang sorangan. Urang moal bisa ngalindungan haté urang ku kanyaho sorangan. (Sil. 3:5, 6) Éta sababna, urang kudu terus mariksa yén ’baju kere’ masih kénéh ngalindungan haté urang. Lamun urang beuki nyaah ka bebeneran Firman Allah, urang leuwih gampang ngalarapkeun papakon Allah, nu diibaratkeun maké ’baju kere’.—Jab. 111:7, 8; 1 Yoh. 5:3. w18.05 22-23 ¶3-4, 6-7
Rebo, 25 Maret
[Maranéhna] gegelendeng.—Bil. 20:3.
Sakitu geus lila dipingpin ku Musa nu bageur, angger wé jalma-jalma kukulutus, lain lantaran euweuh cai wungkul, tapi maranéhna ogé saolah-olah nyalahkeun Musa lantaran euweuh cai. (Bil. 20:1-5, 9-11) Musa ambek jeung kaleungitan sipat lemah lembutna. Yéhuwa maréntahkeun Musa ngomong ka batu cadas, tapi Musa kalah ka ngagorowok ka bangsa Israil jeung ngomong yén manéhna nu bakal nyieun mujijat. Tuluy Musa neunggeul batuna dua kali jeung cor cai ngagolontor. Musa nyieun kasalahan lantaran sombong jeung ambek. (Jab. 106:32, 33) Lantaran sempet teu lemah lembut, Musa teu diidinan asup ka Tanah Perjangjian. (Bil. 20:12) Tina kajadian ieu, urang diajar hal-hal penting. Kahiji, urang kudu terus ngupayakeun sangkan lemah lembut. Lamun henteu, kasombongan bisa muncul jeung nyababkeun urang ngucapkeun atawa ngalakukeun kasalahan. Kadua, strés bisa ngalemahkeun urang, jadi urang kudu terus lemah lembut dina kaayaan nu hésé. w19.02 12-13 ¶19-21
Kemis, 26 Maret
Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga bakal diuarkeun ka sakuliah dunya.—Mat. 24:14.
Naha ngawawar téh ngabeungbeurat urang? Henteu sama sakali. Sanggeus nyaritakeun misil ngeunaan tangkal anggur, Yésus ngomong yén waktu urang ngawawar, urang ngarasa bungah. (Yoh. 15:11) Ku naon bisa kitu? Anjeunna ngibaratkeun dirina sabagé tangkal anggur, murid-muridna sabagé dahan. (Yoh. 15:5) Dahan meunang cai jeung nutrisi lamun tetep napel kana tangkal anggur. Kitu ogé, lamun urang tetep ngahiji jeung Yésus sarta nuturkeun tuladan anjeunna, urang bisa tetep bungah saperti anjeunna lantaran geus ngalampahkeun kahoyong Allah. (Yoh. 4:34; 17:13; 1 Pet. 2:21) Hanne, nu geus naratas leuwih ti 40 taun, ngomong, ”Sanggeusna ngawawar, abdi ngarasa bungah. Hal ieu ngajurung abdi pikeun terus ngawula Yéhuwa.” Kabungah bisa nguatkeun urang pikeun terus ngawawar sanajan loba jalma teu daék ngadéngékeun.—Mat. 5:10-12. w18.05 9 ¶2; 12-13 ¶14
Jumaah, 27 Maret
Bapa diutus jadi . . . guru pikeun jalma-jalma nu lain Yahudi, nguarkeun kapercayaan jeung kayaktian.—1 Tim. 2:7.
Rasul Paulus jadi tuladan dina negerkeun haté dulur saimanna. Manéhna diutus ku roh suci pikeun ngawawar ka urang Yunani, urang Rum, jeung bangsa séjénna nu nyembah loba déwa. (Gal. 2:7-9) Paulus indit ka daérah nu ayeuna mah Turki, ogé ka Yunani jeung Italia. Manéhna ngawawar ka jalma-jalma nu lain Yahudi jeung ngadegkeun sidang-sidang Kristen. Urang Kristen nu anyar ieu dikaniaya ku bangsana sorangan, jadi butuh ditegerkeun haténa. (1 Tes. 2:14) Kira-kira dina taun 50 M, Paulus nulis surat nu negerkeun haté ka sidang anyar di Tésalonika. Manéhna nulis, ”Sim kuring teu kendat muji sukur ka Allah ku hal aranjeun. Unggal neneda aranjeun sok disebut. . . . Sim kuring teh inget ka aranjeun, anu sakitu percayana ka Kristus, . . . daek nyorang hese cape, jeung teguh mantengkeun harepan.” (1 Tes. 1:2, 3) Paulus ogé ngajurung maranéhna, ”Heug sing . . . silih tegeran, silih tulungan jeung batur.”—1 Tes. 5:11. w18.04 19-20 ¶16-17
Saptu, 28 Maret
Wawaran amanat Allah teh kudu disiarkeun heula ka sagala bangsa.—Mar. 13:10.
Budak ngora nu ngutamakeun hal-hal nu nyukakeun manah Yéhuwa bakal hayang nyaritakeun Mantenna ka batur. Jadi, pangwawaran téh kudu geuwat dilakukeun sarta kudu jadi salah sahiji nu pangpentingna pikeun urang. Naha hidep bisa netepkeun tujuan pikeun leuwih sering ngawawar? Naha hidep bisa jadi panaratas? Kumaha lamun hidep teu pati resep ngawawar? Sarta, kumaha hidep bisa leuwih tarampil dina ngajelaskeun kapercayaan hidep? Aya dua hal nu bisa ngabantu: Persiapan nu alus, sarta ulah eureun nyaritakeun Yéhuwa ka batur. Teu karasa, hidep bakal leuwih resep ngawawar. Mimitian ku nyiapkeun jawaban pikeun pananya nu sering ditanyakeun ku batur sakola hidep. Situs Internét jw.org jeung publikasi séjénna ngamuat artikel-artikel nu bisa ngabantu budak ngora néangan jawaban pikeun pananya-pananya nu umum. Misalna, ”Ku naon manéh percaya ka Allah?” Hidep bisa nyiapkeun jawabanana tina artikel ”Naha Abdi Perlu Percaya kana Évolusi?” dina brosur Jawaban ti 10 Pananya Budak Ngora. w18.04 29-30 ¶10-11
Minggu, 29 Maret
Masing loba anak, turunan maraneh sing nepi ka minuhan ieu bumi.—Kaj. 1:28.
Sanajan Adam jeung Hawa boga loba kabébasan, éta téh aya watesna. Misalna, sangkan tetep hirup maranéhna kudu napas, dahar, jeung saré. Tapi, maranéhna teu ngarasa éta jadi watesan. Maranéhna ogé teu ngarasa kaleungitan kabébasan. Yéhuwa ngatur sangkan maranéhna bagja jeung sugema waktu ngalampahkeun hal-hal ieu. (Jab. 104:14, 15; Pan. 3:12, 13) Yéhuwa masihkeun paréntah nu rinci ka Adam jeung Hawa. Maranéhna diparéntahkeun pikeun boga turunan, sarta minuhan jeung ngurus bumi. Naha paréntah éta ngarampas kabébasan maranéhna? Henteu! Malahan, maranéhna bisa ngarojong kahoyong Yéhuwa pikeun nyieun bumi jadi pirdaus, tempat nu éndah pikeun maranéhna jeung turunanana nu bakal hirup langgeng tur sampurna. (Jab. 127:3; Yes. 45:18) Jadi saenyana, kabagjaan dina perkawinan jeung kulawarga téh bisa dirasakeun ku Adam jeung Hawa salalanggengna. w18.04 4-5 ¶7-8
Senén, 30 Maret
Nu boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng—Ras. 13:48, ”NW”.
Lamun urang sabar ka jalma-jalma nu diwawaran, urang teu ngarepkeun maranéhna langsung ngarti tur narima bebeneran Alkitab. Misalna, kumaha lamun urang rék ngajelaskeun harepan hirup langgeng di pirdaus di bumi ka saurang jalma? Lolobana percaya yén maot téh ahir sagalana atawa kabéh jalma bageur bakal ka sawarga. Saurang sadérék ngajelaskeun hiji cara nu alus. Mimitina, manéhna macakeun Kajadian 1:28, tuluy nanyakeun Allah hoyong manusa hirup di mana jeung dina kaayaan nu kumaha. Loba nu ngajawab, ”Di bumi, dina kaayaan nu éndah.” Terus, manéhna macakeun Yesaya 55:11 jeung nanyakeun naha kahoyong Allah geus barobah. Biasana, jawabanana henteu. Ahirna, manéhna macakeun Jabur 37:10, 11 jeung nanyakeun bakal kumaha mangsa kahareup manusa. Ku cara ngagunakeun ayat-ayat, manéhna geus ngabantu sababaraha jalma paham yén Allah hoyong manusa nu balageur hirup langgeng di Pirdaus di bumi. w19.03 24 ¶14-15; 25 ¶19
Salasa, 31 Maret
Masing ngagugu ka Anjeunna!—Mat. 17:5.
Yéhuwa ngajéntrékeun yén Mantenna hoyong urang ngadéngékeun jeung taat kana omongan Putra-Na. Naon nu diomongkeun ku Yésus basa di bumi? Anjeunna nyebutkeun loba hal penting! Misalna, anjeunna ngajar murid-muridna pikeun ngawawarkeun warta hadé, jeung terus ngingetan maranéhna pikeun tetep waspada. (Mat. 24:42; 28:19, 20) Anjeunna ogé ngajurung murid-muridna pikeun terus sumanget jeung henteu nyerah. (Luk. 13:24) Yésus nandeskeun pentingna silih pikanyaah, tetep ngahiji, jeung nurut kana paréntah-paréntahna. (Yoh. 15:10, 12, 13) Naséhat Yésus téh gedé pisan mangpaatna! Sakumaha di jaman Yésus, naséhat ieu gé penting pisan kiwari. Ceuk Yésus, ”Jalmi anu dipimilik ku kaestuan tangtos daekeun ngupingkeun ka Kaula.” (Yoh. 18:37) Urang ”kudu daek silih eledan, lamun pareng pasendatan jeung batur kudu daek silih hampura” pikeun némbongkeun yén urang ngagugu ka Yésus. (Kol. 3:13; Luk. 17:3, 4) Salian ti éta, urang gé ngagugu ka anjeunna lamun sumanget ngawawarkeun warta hadé ”boh keur salse, boh keur riweuh”.—2 Tim. 4:2, SF. w19.03 10 ¶9-10