April
Rebo, 1 April
Yesus malik tuluy ngalahir ka Petrus, ”Nyingkir maneh, Setan! . . . Eta pikiran maneh teh pikiran manusa, lain asal ti Allah.”—Mat. 16:23.
Ari urang kumaha? Naha cara pikir urang saperti Yéhuwa atawa saperti dunya ieu? Sabagé urang Kristen, urang satékah polah sangkan lalampahan urang kamanah ku Yéhuwa. Tapi, kumaha jeung cara pikir urang? Naha urang ogé satékah polah nyaluyukeun cara pikir jeung cara pandang urang sangkan sarua jeung Yéhuwa? Ieu butuh loba upaya. Tapi, ari boga cara pikir dunya mah teu kudu maké upaya lantaran urang dikurilingan ku pangaruh dunya ieu. (Epe. 2:2) Jalma-jalma gé osok mentingkeun diri, bisa jadi urang kagoda pikeun mikir siga maranéhna. Jadi, boga cara pikir Yéhuwa téh hésé, ari boga cara pikir dunya mah gampang pisan. Lamun cara pikir urang dipangaruhan ku dunya ieu, urang bakal jadi mentingkeun diri jeung hayang mutuskeun sorangan mana nu bener jeung nu salah. (Mar. 7:21, 22) Jadi, kacida pentingna pikeun diajar cara pikir Allah lain cara pikir manusa. w18.11 21 ¶1; 22 ¶3-4
Kemis, 2 April
Ieu teh Putra kaasih Kami, anu kamanah ku Kami!—Mat. 3:17.
Yésus tangtu gedé haté waktu ngadéngé Yéhuwa nyarios ti sawarga dina tilu kasempetan yén Mantenna nyaah ka Yésus! Sanggeus Yésus dibaptis di Walungan Yordan, Yéhuwa nyarios kekecapan dina ayat poé ieu. Katingalina ngan Yohanes Jurubaptis nu ngadéngé hal ieu. Kira-kira sataun saacan Yésus maot, di hareupeun tilu murid Yésus, Yéhuwa nyarios, ”Tah ieu teh Putra Kami, kaasih Kami, anu kamanah ku Kami. Masing ngagugu ka Anjeunna!” (Mat. 17:5) Tungtungna, sababaraha poé saacan Yésus maot, Yéhuwa nyarios deui ka anjeunna ti sawarga. (Yoh. 12:28) Yésus apal yén jalma-jalma bakal nganggap anjeunna tukang ngahina Allah tuluy maot ku cara nu hina. Tapi, anjeunna ngadoa sangkan kahoyong Bapana nu laksana lain kahayangna sorangan. (Mat. 26:39, 42) Anjeunna réla disiksa dina tihang jeung dihina lantaran hayang diaku ku Bapana, lain ku dunya.—Ibr. 12:2. w18.07 7-8 ¶15-16
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian sanggeus panonpoé surup: 9 Nisan) Markus 14:3-9
Jumaah, 3 April
Nun Ama, upami kenging, mugi ditebihkeun ieu lumur kasangsaraan ti Abdi.—Luk. 22:42.
Teu lila sanggeus ngenalkeun Jamuan Wengi Jungjunan, Yésus némbongkeun kategeran haté nu luar biasa. Yésus réla ngalampahkeun kahoyong Bapana sanajan éta hartina anjeunna bakal dihukum pati sabagé penjahat nu ngahina Allah. (Mat. 26:65, 66) Ku cara tetep satia, Yésus bisa ngamulyakeun nami Yéhuwa, ngajungjung kadaulatan Allah, jeung muka jalan sangkan manusa nu tobat bisa hirup langgeng. Yésus ogé ngabantu murid-muridna pikeun siap nyanghareupan tangtangan nu bakal datang. Yésus ogé némbongkeun kategeran haté ku cara teu mikirkeun kahariwangan sorangan, tapi leuwih mikirkeun kabutuhan rasul-rasulna. Tina acara nu saderhana, nu dikenalkeun sanggeus Yudas dititah indit, jalma-jalma nu engkéna diistrénan bakal inget kana mangpaat korban Yésus jeung kana perjangjian anyar.—1 Kor. 10:16, 17. w19.01 22 ¶7-8
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 9 Nisan) Markus 11:1-11
Saptu, 4 April
Ama, agungkeun jenengan Ama!—Yoh. 12:28.
Bapana Yésus ngajawab ti sawarga, ”Enggeus ku Ama diagungkeun, jeung rek diagungkeun deui!” Yésus lalewang lantaran boga tanggung jawab gedé pikeun tetep satia ka Yéhuwa. Yésus nyaho yén anjeunna bakal dihukum ku cara nu kejem jeung disiksa nepi ka maotna. (Mat. 26:38) Nu paling penting keur Yésus mah nyaéta nami Bapana diagungkeun. Yésus dituduh ngahina Allah jeung hariwang bisi maotna téh ngagogoréng nami Allah. Siga Yésus, urang ogé bisa jadi hariwang nami Yéhuwa bakal digogoréng. Saperti anjeunna, bisa waé urang ngalaman kateuadilan. Atawa, meureun urang keuheul ngadéngé carita-carita bohong nu disebarkeun ku musuh urang. Urang jadi hariwang bisi carita-carita éta ngagogoréng nami Yéhuwa. Dina kaayaan kitu, kekecapan Yéhuwa ka Yésus bisa ngalilipur urang. Urang teu kudu hariwang teuing. Yéhuwa moal gagal ngamulyakeun nami-Na.—Jab. 94:22, 23; Yes. 65:17. w19.03 11-12 ¶14-16
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 10 Nisan) Markus 11:12-19
Minggu, 5 April
Yesus mimiti nyarios sabalakana ka murid-murid, saur-Na, ”Kami teu meunang henteu . . . nandangan sangsara . . . Kami bakal dipaehan.”—Mat. 16:21.
Murid-murid Yésus reuwas! Disangkana téh Yésus bakal ngadegkeun deui karajaan Israil, tapi Yésus kalah ka ngomong yén anjeunna bakal sangsara tuluy maot. Rasul Pétrus ngomong, ”Gusti! Mugi eta hal ditebihkeun ku Allah. Gusti ulah dugi ka nyorang kitu!” Yésus ngajawab, ”Nyingkir maneh, Setan! Maneh ngahalangan jalan Kami. Eta pikiran maneh teh pikiran manusa, lain asal ti Allah.” (Mat. 16:22, 23; Ras. 1:6) Tina omonganana, Yésus nunjukkeun yén cara pikir Yéhuwa jeung cara pikir dunya nu dikadalikeun Sétan téh béda. (1 Yoh. 5:19) Pétrus hayang Yésus mikirkeun dirina sorangan siga kalolobaan jalma. Jawaban Yésus jelas némbongkeun yén anjeunna boga cara pikir Yéhuwa jeung nampik cara pikir dunya. w18.11 21-22 ¶1-2
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 11 Nisan) Markus 11:20–12:27, 41-44
Senén, 6 April
Mashurkeun pupusna Gusti nepi ka mangsa Anjeunna sumping deui.—1 Kor. 11:26.
Bayangkeun naon nu ditingali ku Yéhuwa waktu jutaan jalma di sakuliah dunya hadir di Jamuan Wengi Jungjunan. Mantenna teu ngan saukur ningali lobana jalma, tapi merhatikeun unggal jalma nu datang. Misalna, Mantenna merhatikeun jalma nu terus datang unggal taun. Di antara maranéhna, aya nu tetep datang sanajan nyanghareupan panganiayaan nu parah. Nu séjénna teu rutin masamoan, tapi datang ka Pangéling-ngéling lantaran nganggap éta téh acara nu penting pisan. Yéhuwa ogé merhatikeun jalma-jalma nu anyaran datang lantaran hayang nyaho acara Pangéling-ngéling. Tangtu, Yéhuwa bungah ningali sakitu lobana jalma nu datang ka Pangéling-ngéling. (Luk. 22:19) Tapi, Mantenna leuwih merhatikeun naon alesan maranéhna datang. Naha urang sumanget narima pituduh ti Yéhuwa liwat organisasi-Na?—Yes. 30:20; Yoh. 6:45. w19.01 26-27 ¶1-3
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 12 Nisan) Markus 14:1, 2, 10, 11; Mateus 26:1-5, 14-16
TANGGAL PANGÉLING-NGÉLING
Sanggeus Panonpoé Surup
Salasa, 7 April
Kristus pupus ngaganti urang.—Rum 5:8.
Yésus teu ngan saukur réla maot demi murid-muridna, tapi ogé ngutamakeun kapentingan maranéhna. Misalna sanajan keur capé jeung susah haté, Yésus daék nyadiakeun waktu pikeun ngobrol jeung ngajar murid-murid ngeunaan pentingna tetep sadar. (Luk. 22:39-46) Anjeunna gé leuwih mikirkeun naon nu bisa dibikeun ka batur lain nu bisa ditarima ti batur. (Mat. 20:28) Urang téh bagian tina duduluran Kristen nu sajati. Urang gé resep ngagunakeun saloba-lobana waktu pikeun ngondang batur ngagabung jeung urang. Tapi, nu utamana mah urang hayang ngabantu ”batur sakapercayaan” nu teu aktif. (Gal. 6:10) Urang ngabuktikeun kanyaah urang ku cara ngajurung maranéhna pikeun masamoan, hususna ka acara Pangéling-ngéling. Saperti Yéhuwa jeung Yésus, urang bungah pisan waktu nu teu aktif balik deui ka Yéhuwa.—Mat. 18:14. w19.01 29-30 ¶12, 14, 15
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 13 Nisan) Markus 14:12-16; Mateus 26:17-19 (Kajadian sanggeus panonpoé surup: 14 Nisan) Markus 14:17-72
Rebo, 8 April
Ieu teh daging awak Kami. . . . Ieu teh getih Kami anu neguhkeun perjangjian Allah.—Mat. 26:26-28.
Pikeun ngenalkeun Pangéling-ngéling pupusna anjeunna, Yésus ngagunakeun bahan-bahan nu aya tina jamuan Paska pikeun acara nu saderhana ieu. Anjeunna ngan ngagunakeun roti jeung anggur nu geus sadia. Yésus méré nyaho rasul-rasulna yén dua bahan nu saderhana éta ngalambangkeun awakna nu sampurna jeung getihna nu sakeudeung deui bakal dikorbankeun keur kapentingan maranéhna. Para rasul bisa jadi teu héran yén acara ieu téh saderhana. Naon sababna? Mangbulan-bulan saacanna, di imah sobat-sobatna nyaéta Lasarus, Marta, jeung Maria, Yésus ngajar maranéhna. Marta aya di dinya, tapi sibuk nyiapkeun loba dahareun pikeun ngajénan Yésus. Waktu ningali hal ieu, Yésus ngélingan Marta ku cara nu lemah lembut sangkan manéhna paham yén dahareun nu loba teuing macemna téh sakapeung teu perlu. (Luk. 10:40-42) Sababaraha jam saacan pupus sabagé korban, Yésus ngalarapkeun naséhatna sorangan. Anjeunna netepkeun acara Pangéling-ngéling nu saderhana. w19.01 20-21 ¶3-4
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 14 Nisan) Markus 15:1-47
Kemis, 9 April
Mugi kamulyaan Abdi anu kapungkur, anu ayeuna aya di Ama dipaparinkeun deui.—Yoh. 17:5.
Yésus dibéré kahormatan ku cara nu luar biasa ku Yéhuwa. Waktu Yésus dihirupkeun deui, Yéhuwa masihan ”gelaran anu unggul” di sawarga. Mantenna masihan kahirupan sabagé mahluk roh nu teu bisa maot, hal nu can pernah ditarima ku saha waé! (Pil. 2:9; 1 Tim. 6:16) Ieu ganjaran nu luar biasa nu ditarima ku Yésus! Naon nu bisa dilakukeun ku urang sangkan diaku ku Yéhuwa lainna ku dunya ieu? Urang kudu inget yén hamba-hamba-Na nu satia bakal terus diaku ku Yéhuwa. Inget ogé yén Mantenna sering masihan ganjaran nu teu kabayangkeun saacanna. Komo deui dina mangsa kahareup, ganjaran ti Yéhuwa pasti luar biasa! Ayeuna, salila urang nyanghareupan masalah di dunya nu jahat ieu, urang kudu inget yén dunya téréh dibinasakeun. (1 Yoh. 2:17) Tapi Yéhuwa, Bapa urang nu nyaahan, moal pernah mopohokeun naon nu geus dipigawé ku urang jeung kanyaah nu geus ditunjukkeun ku sabab Mantenna téh ”lain anu sok jalir”.—Ibr. 6:10. w18.07 8 ¶17-18
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 15 Nisan) Mateus 27:62-66 (Kajadian sanggeus panonpoé surup: 16 Nisan) Markus 16:1
Jumaah, 10 April
Abdi . . . mangnedakeun oge jalmi-jalmi . . . jadi sahiji.—Yoh. 17:20, 21.
Dina peuting saacanna pupus, Yésus ngahariwangkeun kasatunggalan rasul-rasulna. Yésus ngadoakeun sangkan maranéhna ngahiji saperti anjeunna jeung Bapana ogé ngahiji. Lamun murid-murid Yésus ngahiji, jalma-jalma bisa yakin yén Yésus téh dikirim Yéhuwa ka bumi. Jalma-jalma bisa nyaho saha murid-murid Yésus nu sajati ti kanyaah di antara maranéhna. Kanyaah ieu ogé bisa ngahijikeun maranéhna. (Yoh. 13:34, 35) Urang bisa paham ku naon Yésus loba ngabahas kasatunggalan dina peuting éta. Anjeunna merhatikeun yén rasul-rasul can bener-bener ngahiji. Misalna, rasul-rasul paraséa ngeunaan saha ”anu bisa dianggap pangpunjulna”, saperti nu enggeus-enggeus. (Luk. 22:24-27; Mar. 9:33, 34) Dina waktu séjénna, Yakobus jeung Yohanes ménta ka Yésus sangkan dibéré kadudukan nu punjul di Karajaan sawarga, di kénca jeung di katuhueun anjeunna.—Mar. 10:35-40. w18.06 9-10 ¶1-2
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: Nisan 16) Markus 16:2-8
Saptu, 11 April
Lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal.—Kaj. 2:24.
Yéhuwa hoyong salaki pamajikan nguatkeun kanyaah nu langgeng saumur hirup. (Mat. 19:3-6) Jinah téh salah sahiji kajahatan nu parah pisan ka batur hirup. Éta sababna, anu katujuh tina Sapuluh Paréntah téh larangan jinah. (Pam. 5:18) Ieu téh ”dosa ka Allah” jeung tindakan kajahatan ka batur hirup. (Kaj. 39:7-9) Batur hirup nu jadi korban bisa ngarasakeun kapeurih mangpuluh-puluh taun lantaran dihianatan. Yéhuwa gé hoyong barudak téh ngarasa bagja jeung aman. Yéhuwa maréntahkeun sangkan kolot teu ngan saukur nyumponan kabutuhan jasmani budak, tapi ogé kabutuhan rohanina. Kolot kudu ngagunakeun unggal kasempetan pikeun ngajar budakna ngajénan Hukum Yéhuwa jeung mikanyaah Mantenna. (Pam. 6:6-9; 7:13) Budak téh lain barang nu bisa diculkeun atawa dimangpaatkeun, tapi warisan atawa kurnia ti Yéhuwa nu kudu dipikanyaah.—Jab. 127:3. w19.02 21 ¶5, 7
Minggu, 12 April
Moal teu kauninga [ku Allah] yen kuring putih beresih.—Ayub 31:6.
Ayub tetep satia ku cara mikirkeun ganjaran nu bakal dipasihkeun ku Allah. Manéhna yakin Allah merhatikeun kasatiaanana. Sanajan loba kasusah, Ayub yakin Yéhuwa bakal ngaganjar manéhna. Lantaran yakin, manéhna bisa tetep satia. Yéhuwa bungah ningali kasatiaan Ayub nepi ka masihan ganjaran nu gedé waktu manéhna masih can sampurna! (Ayub 42:12-17; Yak. 5:11) Dina mangsa kahareup, Ayub bakal meunang ganjaran nu leuwih gedé deui. Allah urang tara barobah. (Mal. 3:6) Lamun inget Allah ngahargaan kasatiaan urang, urang bakal tetep satia jeung yakin mangsa kahareup urang pasti éndah. (1 Tes. 5:8, 9) Sakapeung, bisa jadi Sadérék ngarasa di sakurilingeun Sadérék teu aya nu ngajaga kasatiaan, tapi Sadérék teu sorangan. Sadérék aya di antara jutaan jalma di sakuliah dunya nu ngajaga kasatiaanana. Sadérék ogé bakal kaasup dina barisan jalma-jalma nu ngajaga kasatiaanana di jaman baheula sanajan kudu maot.—Ibr. 11:36-38; 12:1. w19.02 7 ¶15-16
Senén, 13 April
Sing sapaham saperasaan, silih pikaheman cara jeung dulur, silih hadean, silih elehan.—1 Pet. 3:8.
Sanggeus acara Pangéling-ngéling liwat, alus lamun urang ngalenyepan pananya-pananya ieu, ’Kumaha abdi bisa leuwih némbongkeun kanyaah saperti Yésus? Naha abdi leuwih mikirkeun kabutuhan dulur saiman ti batan diri sorangan? Naha abdi ngarepkeun dulur saiman ngalampahkeun hal-hal di luar kasanggupanana, atawa naha abdi ngarti kana watesan maranéhna?’ Mugia urang terus nyonto Yésus nu ”sapaham saperasaan”. Acara Pangéling-ngéling pupusna Kristus moal diayakeun salilana. Waktu Yésus ”sumping” dina mangsa cilaka, anjeunna bakal ngumpulkeun sésa ”umat pilihan” ka sawarga. Geus kitu, acara Pangéling-ngéling moal diayakeun deui. (1 Kor. 11:26; Mat. 24:31) Sanajan engké teu diayakeun deui, umat Yéhuwa bakal terus inget kana acara nu saderhana ieu nu ngagambarkeun karendahan haté, kategeran, jeung kanyaah nu luar biasa nu ditémbongkeun ku saurang manusa. w19.01 25 ¶17-19
Salasa, 14 April
Tina sagala nu kudu dijaga,utamana jaga haté manéh.—Sil. 4:23, ”NW”.
Kaséhatan batin urang bisa digambarkeun ku kaséhatan awak urang. Kahiji, sangkan awak urang séhat, urang kudu ngadahar dahareun nu séhat jeung rutin olahraga. Kitu ogé, sangkan kaayaan haté urang séhat, urang kudu rutin maca Alkitab jeung publikasi sarta rutin ngamalkeun iman urang. Urang ngamalkeun iman ku cara ngalarapkeun naon nu geus diajarkeun jeung nyaritakeun kapercayaan urang ka batur. (Rum 10:8-10; Yak. 2:26) Kadua, ti luar mah awak urang bisa katingali jagjag tapi di jerona mah aya bagian nu teu séhat. Sarupa kitu, tina rutin rohani mah bisa waé urang ngarasa boga iman nu kuat, tapi hasrat nu salah bisa tumuwuh dina haté urang. (1 Kor. 10:12; Yak. 1:14, 15) Urang kudu inget, Sétan hayang ngaruksak urang ku cara pikirna. w19.01 15 ¶4-5
Rebo, 15 April
Tah, anjeun oge kudu kitu. Lampahkeun kitu ku anjeun.—Luk. 10:37.
Pék lenyepan, ’Naha abdi geus ngalampahkeun kitu? Naha abdi geus siga urang Samaria éta?’ (Luk. 10:30-35) ’Waktu batur keur kasusahan, naha abdi nulungan maranéhna? Misalna, naha abdi daék nulungan nu geus karolot di sidang, randa, atawa budak nu kolotna lain Saksi? Naha abdi bisa ngalilipur jalma ”nu geus pegat pangharepan”?’ (1 Tes. 5:14, SF; Yak. 1:27) Waktu karunyaan ka batur, urang keur méré, jeung méré téh matak bagja. Alesan séjénna nyaéta urang kamanah ku Yéhuwa. (Ras. 20:35; Ibr. 13:16.) Raja Daud ngomong yén jalma nu karunyaan téh bagja sabab ”hirupna ku PANGERAN diraksa, diriksa, tengtrem matuh di tanahna”. (Jab. 41:1, 2) Lamun urang karunyaan jeung welas asih ka batur, urang gé bakal dipikarunya ku Yéhuwa tur bagja salawasna.—Yak. 2:13. w18.09 18 ¶11-12
Kemis, 16 April
Ulah sieun, aya Kami! Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon! Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas. Maneh ku Kami bakal diraksa.—Yes. 41:10.
Yoshiko, sadérék istri nu satia, meunang kabar goréng. Ceuk dokter, umurna kari sababaraha bulan deui. Kumaha réaksina? Yoshiko inget ayat karesepna nyaéta ayat poé ieu. Ku cara nu tenang manéhna ngomong ka dokterna yén manéhna teu sieun lantaran ngarasa saolah-olah leungeunna dicekelan ku Yéhuwa. Manéhna kalilipur ku ayat ieu jeung percaya pisan ka Yéhuwa. Ayat ieu ogé bisa ngabantu urang tetep tenang waktu nyanghareupan tangtangan nu beurat. Mimitina, Yéhuwa nitah Yésaya nyatet kekecapan ieu pikeun ngalilipur urang Yahudi nu engkéna bakal ditawan di Babul. Tapi, kekecapan ieu ogé aya mangpaatna keur kabéh hamba Allah nepi ka jaman ayeuna. (Yes. 40:8; Rum 15:4) Kiwari, urang hirup di jaman nu ”loba kasukeran”. Leuwih ti saacanna, urang butuh pisan panglilipur nu aya dina buku Yesaya.—2 Tim. 3:1. w19.01 2 ¶1-2
Jumaah, 17 April
Lamun salah saurang anu lain Kristen hayang pegat [pipisahan, ”NW”] ti batur hirupna anu Kristen, ulah dihalang-halang, pegatkeun bae.—1 Kor. 7:15.
Lamun aya nu pipisahan lantaran sababaraha kaayaan, maranéhna tetep dianggap salaki pamajikan. Tapi sanajan hirup misah, maranéhna bakal tetep nyanghareupan kasusah. Rasul Paulus nyebutkeun alesan ku naon salaki pamajikan kudu tetep ngahiji. Manéhna nulis, ”Sanajan salakina lain umat nu percaya, tapi ku sabab ngahiji jeung pamajikanana anu Kristen, ku Allah ditampi. Kitu keneh pamajikan anu lain umat percaya, ku sabab hirup ngahiji jeung salakina anu Kristen, ku Allah ditampi. Sabab lamun henteu kitu barudakna tangtu kawas barudak tuna agama, padahal barudakna teh kagungan Allah.” (1 Kor. 7:14) Loba urang Kristen mutuskeun pikeun tetep ngahiji jeung batur hirupna nu teu ngawula Yéhuwa sanajan kaayaanana susah pisan. Maranéhna kacida bungahna waktu batur hirupna jadi Saksi Yéhuwa. Pangorbanan maranéhna kabayar. (1 Kor. 7:16; 1 Pet. 3:1, 2) Kiwari di sakuliah dunya, aya loba perkawinan nu suksés di sidang Kristen. Sadérék bisa jadi ningali loba pasangan salaki pamajikan anu bagja di sidang Sadérék. Salakina satia jeung nyaah ka pamajikanana. Pamajikanana ogé nyaah jeung ngajénan salakina. Kabukti maranéhna téh bisa ngajénan perkawinan.—Ibr. 13:4. w18.12 14 ¶18-19
Saptu, 18 April
GUSTI Allah ngadamel hiji taman di tanah Eden . . . Manusa teh dipernahkeun di dinya.—Kaj. 2:8.
Kecap ”Éden” hartina ”Kasenangan”. Jadi, taman éta téh bener-bener tempat nu nyenangkeun, kacida éndahna, jeung loba dahareun. Di dinya, manusa jeung sasatoan gé alakur. (Kaj. 1:29-31) Kecap Ibrani ”taman” ditarjamahkeun jadi paradeisos dina basa Yunani. Cyclopaedia karya M’Clintock jeung Strong nyebutkeun yén waktu aya urang Yunani ngadéngé paradeisos, manéhna langsung ngabayangkeun taman nu lega jeung éndah, jauh tina gangguan, pinuh ku rupa-rupa tangkal gedé nu baruahan, aya susukan anu caina hérang jeung sisina dipinuhan ku jukut, tuluy aya kumpulan domba jeung uncal nu keur dahar. Urang jadi ngarti yén Taman Éden téh pirdaus. (Bandingkeun Kajadian 2:15, 16.) Yéhuwa nempatkeun Adam jeung Hawa di taman pirdaus nu sarupa kitu. Tapi lantaran teu taat ka Yéhuwa, boh maranéhna boh turunanana teu meunang deui cicing di Pirdaus. (Kaj. 3:23, 24) Sanajan ti saprak éta euweuh jalma nu cicing di éta Pirdaus, katingalina taman éta aya kénéh nepi ka Caah Gedé di jaman Nuh. w18.12 3-4 ¶3-5
Minggu, 19 April
Kami teh PANGERAN . . . anu ngawurukan ka maraneh keur kapentingan maraneh keneh.—Yes. 48:17.
Kolot mapatahan budakna supaya hirupna suksés. Lamun budakna nuturkeun papakon moral ti kolotna, manéhna bakal nyieun putusan nu hadé. Manéhna gé moal ngalaman loba masalah sarta moal ngarasa hariwang jeung kaduhung. Siga kolot nu nyaahan, Yéhuwa hoyong barudakna sugema hirupna. (Yes. 48:18) Jadi, Mantenna ngajar urang prinsip-prinsip dasar ngeunaan moral jeung sikep urang ka batur. Yéhuwa miharep urang boga pandangan nu sarua jeung Mantenna sarta ngalarapkeun papakon moral-Na. Ieu teu ngawatesan, tapi urang jadi leuwih bijaksana jeung bisa nyieun putusan nu leuwih hadé. (Jab. 92:6; Sil. 2:1-5; Yes. 55:9) Urang masih bisa boga karesep sorangan, tapi urang bakal milih nu hadé nu mawa kabagjaan. (Jab. 1:2, 3) Loba mangpaatna lamun urang boga cara pikir Yéhuwa! w18.11 23 ¶7-8
Senén, 20 April
Maranehna . . . tuluy bae ngaharina.—1 Pet. 4:4.
Sangkan terus nuturkeun jalan bebeneran, urang ulah nepi ka kapangaruhan ku jalma-jalma nu teu ngawula Yéhuwa. Basa diajar bebeneran, hubungan urang jeung babaturan tur kulawarga nu lain Saksi jadi barobah. Mémang aya nu ngahargaan kapercayaan urang, tapi aya ogé nu nentang. Bisa jadi urang diolo ku anggota kulawarga, batur gawé, jeung batur sakola pikeun miluan perayaan jeung maranéhna. Kumaha carana supaya teu kaolo pikeun miluan kabiasaan jeung hari raya nu teu nyenangkeun Yéhuwa? Urang kudu terus inget alesanana Yéhuwa mikaijid perayaan éta. Urang bisa ngarisét tina publikasi jeung terus inget kana asal-usulna sababaraha hari raya. Lamun ngalenyepan alesan tina Alkitab ku naon urang teu milu ngarayakeun, urang bakal yakin yén urang aya dina jalan nu ”kamanah ku Pangeran”. (Epe. 5:10) Lamun urang percaya ka Yéhuwa jeung Firman-Na, urang moal sieun ku jalma.—Sil. 29:25. w18.11 12 ¶10; 13 ¶12
Salasa, 21 April
Yusup . . . mulus sagala lampahna, lantaran ditangtayungan kuPANGERAN.—Kaj. 39:23.
Waktu kahirupan urang ngadadak barobah, urang bisa jadi guligah nepi ka nu dipikiran téh masalahna wungkul. Bisa waé Yusup siga kitu, tapi manéhna milih ngalampahkeun nu panghadéna dina kaayaan éta. Sakumaha Yusup getol digawé keur Potipar, manéhna gé getol ngalampahkeun tugas ti sipir panjara. (Kaj. 39:21, 22) Kawas Yusup, urang bisa waé ngalaman kaayaan nu teu bisa dikukumaha deui. Tapi lamun urang sabar jeung ngalakukeun nu panghadéna, Yéhuwa bakal ngaberkahan urang. (Jab. 37:5) Sanajan urang ngarasa bingung jeung guligah, urang moal ”nepi ka leungit sumanget”, atawa pegat harepan. (2 Kor. 4:8) Yéhuwa bakal ngaping urang, komo deui lamun urang ngutamakeun palayanan. w18.10 24 ¶11; 25 ¶13
Rebo, 22 April
Allah teh lain anu sok jalir. Mantenna moal lali ka anu geus dipigawe ku aranjeun, nya kitu deui kana kanyaah aranjeun ka Mantenna.—Ibr. 6:10.
Kumaha parasaan urang lamun panggih jeung batur nu dikenal jeung dihormat ku urang, ari pék téh manéhna poho ngaran urang, malahan teu inget ka urang? Urang bisa jadi sedih. Ku naon? Lantaran nu ngaranna jalma mah hayang diaku ku batur. Urang hayang manéhna teu saukur inget ka urang, tapi ogé apal kana sipat-sipat jeung pangabisa urang. (Bil. 11:16; Ayub 31:6) Mémang, hayang dihargaan ku batur téh hal nu lumrah. Tapi lantaran teu sampurna, urang bisa jadi hayang kasohor atawa dianggap penting. Éta geus nyimpang. Lamun geus kitu, hak Yéhuwa pikeun dihormat jeung disembah jadi dipopohokeun.—Wahyu 4:11. w18.07 3 ¶1-2
Kemis, 23 April
Saalam dunya dibawah kusi Jahat.—1 Yoh. 5:19.
Urang teu héran lamun Sétan jeung roh-roh jahat mangaruhan jalma-jalma nu boga kawasa pikeun ngabohong. (1 Tim. 4:1, 2) Nu bahaya pisan téh kabohongan para pamingpin agama. Naon sababna? Lantaran jalma-jalma nu percaya kana pangajaran nu salah bakal ngalampahkeun hal-hal nu dipikaijid ku Allah. Ku kituna, maranéhna teu bisa hirup langgeng. (Hos. 4:9) Yésus apal yén para pamingpin agama di jamanna osok nipu. Kalawan wani, Yésus ngomong, ”Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun meuntas laut ngambah darat, neangan anu daekeun asup kana agama aranjeun saurang-urangeun. Ari geus meunang bet dijadikeun calon eusi naraka [atawa, Gehena],” nu hartina kabinasaan abadi. (Mat. 23:15) Yésus ngomong yén maranéhna téh nyonto bapana, nyaéta Iblis si ”tukang maehan”.—Yoh. 8:44. w18.10 4-5 ¶5-6
Jumaah, 24 April
Bagja maraneh lamun dihina-hina, diteungteuinganan . . . dumehanut ka Kami.—Mat. 5:11.
Naon maksud Yésus? Anjeunna nambahkeun, ”Lamun dikitu-kitu sing bagja, sing bungah, sabab geus aya piganjaraneunana anu gede di sawarga. Nabi-nabi anu hirup beh ditueun maraneh oge dikaniaya teh kitu.” (Mat. 5:12) Waktu rasul-rasul digebugan jeung dilarang ngawawar, maranéhna ”kalaluar ti Mahkamah, kalayan senang manah”. Tangtu, éta lain hartina maranéhna resep digebugan. Tapi, maranéhna bagja lantaran ”ngaraos geus dilayakkeun ku Allah kenging panghina ku karana jenengan Yesus”. (Ras. 5:41) Kiwari, umat Yéhuwa gé tabah jeung bungah waktu dikaniaya ku karana jenengan Yésus. (Yak. 1:2-4) Saperti para rasul, urang teu hayang sangsara atawa dikaniaya. Tapi, lamun urang satia ka Yéhuwa, Mantenna bakal masihan kawani pikeun tetep tabah. Lamun urang kamanah ku Yéhuwa, ”Allah nu bagja”, urang bakal bagja sanajan dikaniaya atawa ditentang ku kulawarga.—1 Tim. 1:11, NW. w18.09 20 ¶18-20
Saptu, 25 April
Ripuh seueur nu karasa.—Jab. 90:10.
Lantaran urang hirup dina jaman nu ”loba kasukeran” ”bari ripuh seueur nu karasa”, loba jalma sakitu sangsarana nepi ka hayang nyerah. (2 Tim. 3:1-5) Unggal taun, aya leuwih ti 800.000 jalma nu maéhan manéh, hiji jalma unggal 40 detik. Hanjakalna, aya sababaraha dulur saiman urang nu nyerah tuluy maéhan manéh. Ayeuna, loba dulur saiman nyanghareupan kaayaan nu susah jeung butuh dipikanyaah ku urang. Aya nu diléléwé atawa dikaniaya. Aya ogé nu diganggu atawa digosipkeun di tempat gawéna. Atawa maranéhna lungsé lantaran kudu digawé sapoéan atawa strés ku lobana pagawéan. Nu séjén boga masalah kulawarga nu sérius. Bisa jadi batur hirupna teu saiman jeung terus ngiritik. Ku sabab kaayaan ieu jeung tangtangan séjénna, loba nu ngarasa geus teu kuat deui jeung ngarasa euweuh hargaan. w18.09 9 ¶3, 5
Minggu, 26 April
Teu aya deui anu matak leuwih bungah salian ti nguping nu jadi anak bener lampahna.—3 Yoh. 4.
Kolot Saksi bisa gawé bareng jeung Yéhuwa ku cara ngabantu barudakna pikeun boga cita-cita ngawula Yéhuwa. Loba nu geus ngalampahkeun hal ieu. Hasilna, barudakna mutuskeun pikeun ngawula Yéhuwa sapinuh waktu sanajan kudu jauh ti imah. Aya nu jadi misionaris, aya nu jadi panaratas tuluy pindah ka tempat nu leuwih ngabutuhkeun pawarta, sarta aya ogé nu ngawula di Bétel. Tangtu lamun barudakna jauh, kolot teu bisa sering babarengan deui. Tapi, maranéhna teu mentingkeun diri, malahan ngadukung barudakna pikeun terus ngawula Yéhuwa teu sual tempatna. Ku naon? Ku sabab maranéhna bungah pisan yén barudakna téh geus ngutamakeun Yéhuwa dina kahirupanana. Loba kolot ngarasa saperti Hana nu ’ngabaktikeun’ Samuél ka Yéhuwa. Maranéhna ngarasa reueus pisan bisa gawé bareng jeung Yéhuwa ku cara ieu.—1 Sam. 1:28. w18.08 22 ¶4
Senén, 27 April
Kacida hesena jelema beunghar mah asup ka Karajaan Sawarga.—Mat. 19:23.
Yésus teu nyebutkeun yén éta téh teu mungkin. Anjeunna gé ngomong, ”Bagja maraneh anu mariskin, sabab maraneh jadi anggota Karajaan Allah!” (Luk. 6:20) Tapi, ieu gé lain hartina sakabéh jalma miskin bakal ngadéngékeun Yésus tuluy narima berkah. Loba jalma miskin teu nuturkeun Yésus. Jadi kasimpulanana, urang teu bisa ngukur hubungan hiji jalma jeung Yéhuwa tina harta bandana. Di antara umat Yéhuwa, aya nu beunghar aya ogé nu miskin. Tapi, kabéhanana mikanyaah jeung ngawula Yéhuwa ku sagemblengna haté. Kitab Suci ngélingan ka nu beunghar, ”Ulah neundeun harepan kana barang anu taya katangtuanana, nya eta kabeungharan upamana. Ngaharep mah kudu ka Allah.” (1 Tim. 6:17-19) Firman Allah gé mépélingan, boh ka nu beunghar boh ka nu miskin, yén beuki kana duit téh bahaya. (1 Tim. 6:9, 10) Lamun boga pandangan nu sarua jeung Yéhuwa, urang moal ngukur dulur saiman tina harta bandana. w18.08 12-13 ¶11-12
Salasa, 28 April
Masing sumerah ka Allah.—Yak. 4:7.
Urang hayang nunjukkeun ka Yéhuwa yén urang nganuhunkeun pisan geus jadi umat milik-Na. Urang paham yén ngabaktikeun kahirupan ka Yéhuwa téh putusan nu paling bijaksana. Jadi, urang boga tékad pikeun nampik sagala nu dipikaijid ku Yéhuwa. Urang mikanyaah jeung ngajénan dulur saiman lantaran maranéhna ogé milik Yéhuwa. (Rum 12:10) Alkitab jangji, ”PANGERAN moal ngabodokeun umat-Na.” (Jab. 94:14) Ieu téh jaminan. Teu sual naon nu bakal kajadian, Yéhuwa bakal nyarengan urang. Sanajan urang maot, Mantenna moal mopohokeun urang. (Rum 8:38, 39) ”Keur hirupna, hirupna teh pikeun Pangeran, geus maotna, maotna teh pikeun Pangeran.” (Rum 14:8) Urang ngadagoan waktuna Yéhuwa ngahirupkeun deui kabéh sobat-Na nu geus maraot. (Mat. 22:32) Ayeuna ogé, urang bisa narima loba kurnia nu éndah ti Bapa urang. Alkitab nyebutkeun, ”Bagja bangsa nu migusti ka Allah PANGERAN, bagja jalma anu ku Mantenna dijieun umat-Na.”—Jab. 33:12. w18.07 26 ¶18-19
Rebo, 29 April
Henteu kabeh anu dimeunangkeun teh hade. . . . Henteu kabeh anu dimeunangkeun bisa nulung.—1 Kor. 10:23.
Aya nu mikir yén pendidikan, pagawéan, atawa karier téh urusan pribadi, jadi maranéhna bisa milih naon waé nu dipikahayang salila henteu ngaganggu haté sanubari batur. Bisa jadi maranéhna mikir, ”Kuring bebas, naha make kudu kahalangan ku haté sanubari batur?” Sanajan urang bébas nyieun putusan ngeunaan hal-hal ieu, urang kudu inget yén kabébasan urang téh aya watesna sarta putusan urang aya balukarna. Éta sababna Paulus ngomong saperti dina ayat poé ieu. Jadi, sanajan urang bébas nyieun putusan dina urusan pribadi, kahayang urang téh lain nu pangpentingna. w18.04 12 ¶10
Kemis, 30 April
Geura baralik deui ka Kami, tangtu Kami oge balik deui ka maraneh.—Mal. 3:7.
Kiwari bisa waé aya nu ngaku ibadah ka Yéhuwa tapi ngalampahkeun nu dipikangéwa ku Mantenna. (Yud. 11) Maranéhna bisa waé getol dines jeung rutin masamoan, tapi ogé osok mikirkeun hal-hal nu cabul, hayang sagala boga, jeung ngéwa ka batur. (1 Yoh. 2:15-17; 3:15) Pikiran siga kitu bisa ngajurung maranéhna ngalampahkeun dosa. Batur meureun teu apal naon nu dipikirkeun atawa nu dilampahkeun ku urang, tapi Yéhuwa apal. Mantenna apal lamun urang teu sapinuhna mihak ka Mantenna. (Yer. 17:9, 10) Sanajan urang nyieun kasalahan, Yéhuwa teu langsung ninggalkeun urang. Waktu urang keur salah arah, Yéhuwa ngageuing urang, ”Geura baralik deui ka Kami.” Waktu urang keur ngalawan kalemahan, Yéhuwa hoyong urang tetep pengkuh jeung nampik naon nu salah. (Yes. 55:7) Lamun kitu, Mantenna gé bakal mihak ka urang ku cara masihan kakuatan pikeun nalukkeun hasrat nu salah.—Kaj. 4:7. w18.07 16 ¶5-6