Méi
Jumaah, 1 Méi
Kudu mikaheman ka anu eukeur ngumbara.—Pam. 10:19.
Ka dieunakeun, loba jalma ngungsi ka nagri séjén. Sadérék bisa diajar carana ngucapkeun salam dina basa maranéhna. Sadérék bisa diajar sababaraha ucapan supaya maranéhna daék diajak ngobrol. Tuluy, Sadérék ogé bisa nunjukkeun vidéo atawa publikasi dina basa maranéhna di situs jw.org. Yéhuwa masihan bantuan ngarah dines urang hasil. Contona, naon nu diajarkeun dina Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan ngabantu urang pikeun leuwih percaya diri waktu ngadatangan deui nu minat jeung ngamimitian palajaran Alkitab. Sadérék bisa ngajar budak pikeun méré koméntar ku kekecapan sorangan. Sababaraha jalma kataji kana bebeneran lantaran ngadéngé budak leutik méré koméntar saderhana nu kaluar tina haténa.—1 Kor. 14:25. w18.06 22-23 ¶7-9
Saptu, 2 Méi
Silih tarima jeung pada dulur, cara Kristus narima aranjeun.—Rum 15:7.
Hadé lamun urang inget yén urang téh tadina jauh ti Allah. (Epe. 2:12) Tapi, urang ditarik ku Yéhuwa bakat ku asih-Na ka urang. (Hos. 11:4; Yoh. 6:44) Kristus ogé narima urang. Anjeunna muka jalan sangkan urang bisa jadi kulawarga Allah. Sanajan urang teu sampurna, Yésus daék narima urang, maenya urang teu daék narima batur? Beuki deukeut kana panungtungan jaman ieu, jalma-jalma bakal beuki kapisah-pisah sarta loba nu boga prasangka jeung kangéwa. (Gal. 5:19-21; 2 Tim. 3:13) Tapi salaku umat Yéhuwa, urang hayang miboga ”kabijaksanaan nu ti sawarga” nu ngabantu urang henteu beurat sabeulah sarta rukun jeung batur. (Yak. 3:17, 18) Urang resep nyobat jeung jalma-jalma ti nagri séjén, narima kabiasaanana, atawa bisa ogé diajar basana. Waktu ngalakukeunana, urang ngarasakeun katengtreman nu ”ngocor lir walungan” sarta kaadilan nu ”mapag lir ombak muru basisir”.—Yes. 48:17, 18. w18.06 14 ¶18-19
Minggu, 3 Méi
Kadaek kana ngamashurkeun Injil Kasalametan anu mere kabagjaan jadi minangka sapatuna.—Epe. 6:15.
Prajurit Rum moal indit perang lamun teu maké sapatu. Sol sapatuna téh dijieun tina kulit tilu lapis, jadi kuat pisan tapi ogé ngeunaheun dipakéna. Ku kituna, éta prajurit moal asa-asa leumpangna jeung moal tiseureuleu. Sapatu prajurit Rum dipaké keur perang, ari sapatu kiasan urang mah dipaké keur ngawawarkeun warta ”hal pitengtremeun”. (Yes. 52:7; Rum 10:15) Sanajan kitu, urang kudu gedé kawani. Ceuk Bo, 20 taun, ”Baheula abdi sieun méré kasaksian ka batur sakelas. Abdi sok éra. Tapi mun diinget-inget deui, naha bet kudu éra, ayeuna mah abdi bungah bisa méré kasaksian ka babaturan.” Loba budak ngora Saksi ngarasa leuwih yakin méré kasaksian lamun geus disiapkeun saacanna. w18.05 23-24 ¶9-11
Senén, 4 Méi
Baruahan leubeut.—Yoh. 15:8.
Yésus ngomong ka para rasulna, ”Maraneh ku Kami rek ditinggalan kakertaan, kakertaan Kami.” (Yoh. 14:27) Kumaha katengtreman ti Yésus bisa ngabantu urang terus ngawawar? Lamun terus ngawawar, urang ngarasa tengtrem ku sabab apal urang keur nyukakeun manah Yéhuwa jeung Yésus. (Jab. 149:4; Rum 5:3, 4; Kol. 3:15) Sanggeus Yésus ngomong ka para rasulna yén anjeunna hayang maranéhna bungah, anjeunna ngajelaskeun pentingna némbongkeun kanyaah nu teu mentingkeun diri. (Yoh. 15:11-13) Tuluy ceuk anjeunna, ”Maraneh ku Kami disebut sobat.” Nyobat jeung Yésus téh kurnia nu istiméwa! Tapi kumaha sangkan para rasul tetep jadi sobatna? Yésus ngajelaskeun, ”Maraneh lalumaku hirup leubeut ku buah.” (Yoh. 15:14-16) Ieu hartina maranéhna kudu terus ngawawar. Kira-kira dua taun saacanna, Yésus ngomong ka para rasulna, ”Embarkeun yen ’Karajaan Sawarga geus meh ngadeg!’” (Mat. 10:7) Éta sababna, dina peuting saacanna maot, Yésus ngajurung murid-muridna pikeun terus ngawawar.—Mat. 24:13; Mar. 3:14. w18.05 13 ¶15-16
Salasa, 5 Méi
Naon anu ku urang dipelakan, eta nu kaala hasilna.—Gal. 6:7.
Budak ngora, utamakeun hal-hal nu nyukakeun manah Yéhuwa sarta tetepkeun cita-cita rohani. Kalolobaan budak ngora nu sapantaran jeung hidep hayangna mah senang-senang. Maranéhna ogé bisa waé ngajak hidep. Boh ayeuna boh engké, hidep kudu némbongkeun tékad hidep pikeun ngahontal cita-cita. Ulah daék disimpangkeun ku maranéhna. Jadi, singkahan kaayaan nu nyababkeun hidep hésé nolak gogoda. (Sil. 22:3) Pikirkeun balukar tina lalampahan nu goréng. Sing rendah haté, ngakukeun yén hidep butuh naséhat. Regepkeun naséhat indung bapa jeung sadérék-sadérék nu geus pangalaman di sidang. (1 Pet. 5:5, 6) Naha hidep cukup rendah haté pikeun narima naséhat? w18.04 31 ¶14-16
Rebo, 6 Méi
Kudu teguh kana iman nu ayeuna nepi ka Kami datang. Sakur nu unggul, anu ngalampahkeun pangersa Kami nepi ka tutug, rek dibere kawasa.—Wahyu 2:25-28.
Dina suratna ka sidang-sidang di Asia Leutik, Yésus némbongkeun panghargaan kana hal-hal nu dilampahkeun ku maranéhna. Misalna, anjeunna ngamimitian suratna ka sidang Tiatira ku kekecapan, ”Kami nyaho panggawe maneh. Kami nyaho kanyaah maneh, kasatiaan maneh, pangabdian maneh, jeung kasabaran maneh. Kami nyaho eta kabeh dilakonan ku maneh leuwih ti basa keur anyaran.” (Wahyu 2:19) Yésus teu ngan saukur nyebutkeun kamajuan maranéhna, tapi ogé muji sipat-sipat nu ngajurung maranéhna ngalampahkeun kahadéan. Sanajan Yésus kudu méré naséhat ka sababaraha urang di Tiatira, anjeunna ngamimitian jeung nutup suratna ku hal-hal nu ngagedékeun haté. (Wahyu 2:26-28) Lamun mikirkeun wewenang Yésus sabagé kapala sidang, anjeunna teu kudu nganuhunkeun ka urang. Sanajan kitu, anjeunna tetep némbongkeun panghargaan. Ieu téh conto keur para kokolot! w19.02 16 ¶10
Kemis, 7 Méi
Yudas jeung Silas . . . maparin pituah jeung nasehat anu matak negerkeun hate.—Ras. 15:32.
Di abad kahiji, Yéhuwa ngagunakeun badan pingpinan pikeun negerkeun haté kabéh urang Kristen, kaasup para pamingpin sidang. Dua anggotana, nyaéta Pétrus jeung Yohanes, diutus pikeun ngadoa sangkan urang Kristen nu anyar dipasihan roh suci. (Ras. 8:5, 14-17) Pilipus jeung dulur-dulur saimanna ngarasa teger haté lantaran dirojong ku badan pingpinan! Kiwari, Badan Pingpinan Saksi Yéhuwa negerkeun haté sadérék-sadérék nu digawé di Bétel, nu ngawula sapinuh waktu di lapangan, jeung urang sadaya. Saperti sadérék-sadérék di abad kahiji, urang ngarasa bungah! Taun 2015, Badan Pingpinan nyadiakeun brosur Kembalilah kepada Yehuwa pikeun ngajurung jalma-jalma nu ninggalkeun bebeneran pikeun balik deui ka Yéhuwa. w18.04 20 ¶18-20
Jumaah, 8 Méi
Aranjeun ge baris terang kana kayaktian, anu baris ngamerdikakeun aranjeun.—Yoh. 8:32, ”SF”.
Sababaraha jalma mikir yén leuwih alus lamun maranéhna boga kabébasan nu teu aya watesna. Naha enya? Sadérék bisa ngabayangkeun bakal kumaha jadina dunya ieu lamun teu aya watesan sama sakali. The World Book Encyclopedia nyebutkeun yén hukum-hukum dina unggal organisasi masarakat téh ruwed lantaran éta hukum kudu ngalindungan kabébasan jalma-jalma bari kudu ngawatesan ogé. Ieu teu salawasna gampang. Éta sababna ayeuna aya loba hukum sarta loba pangacara jeung hakim nu kudu ngajelaskeun sarta ngalarapkeun éta hukum. Jadi, sangkan miboga kabébasan sajati, urang kudu ngalampahkeun dua hal. Kahiji, urang kudu percaya kana bebeneran nu diajarkeun ku Yésus. Kadua, urang kudu jadi muridna. Tapi, urang bisa bébas tina naon? Ceuk Yésus, ”Sing saha anu migawe dosa, ngawula kana dosa.” Anjeunna nambahkeun, ”Lamun maraneh geus dibebaskeun ku Putra, enya-enya maraneh bebas.”—Yoh. 8:34, 36. w18.04 6-7 ¶13-14
Saptu, 9 Méi
Aranjeun kabeh sing sapaham saperasaan.—1 Pet. 3:8.
Urang resep aya di antara jalma-jalma nu merhatikeun parasaan jeung kabagjaan urang. Maranéhna ngabayangkeun dirina aya di posisi urang sangkan paham pikiran jeung parasaan urang. Maranéhna ogé mikirkeun kabutuhan urang jeung nawarkeun bantuan, malah saacan dipénta. Urang ngahargaan jalma-jalma nu ”saperasaan” siga kitu. Salaku urang Kristen, urang kabéh hayang rasrasan, atawa saperasaan. Tapi, éta kudu diupayakeun. Ku naon? Hiji alesanana téh urang teu sampurna. (Rum 3:23) Jadi, urang kudu bajoang ngalawan watek lahir urang nu mentingkeun diri. Aya ogé nu kudu satékah polah rasrasan lantaran digedékeun di kulawarga nu teu rasrasan atawa baheulana pernah boga pangalaman goréng. Geus kitu, urang dipangaruhan ku jalma-jalma di sakurilingeun urang. Dina ahir jaman ieu, jarang aya nu mikirkeun parasaan batur. Maranéhna ”ngan inget ka diri sorangan bae”. (2 Tim. 3:1, 2) Urang bisa ngamekarkeun sipat saperasaan ku cara nyonto Allah Yéhuwa jeung Putra-Na, Yésus Kristus. w19.03 14-15 ¶1-3
Minggu, 10 Méi
Masing asak nya mikir.—Sil. 4:23.
Nu pamungkas ti Sapuluh Paréntah téh ngalarang urang sirik, atawa mekarkeun kahayang nu salah kana milik batur. (Pam. 5:21; Rum 7:7) Yéhuwa masihan paréntah ieu pikeun ngajarkeun hiji hal penting. Umat-Na kudu ngajaga haté, nyaéta pikiran jeung parasaan. Mantenna apal kajahatan téh dimimitian ku pikiran jeung parasaan nu jahat. Contona Daud. Manéhna téh jalma bageur. Tapi sakali waktu, manéhna hayang ngapimilik pamajikan batur. Hal ieu ngajurung manéhna nyieun dosa. (Yak. 1:14, 15) Daud ngalakukeun jinah, tuluy nipu jeung tungtungna maéhan salaki éta awéwé. (2 Sam. 11:2-4; 12:7-11) Yéhuwa teu saukur ningali urang sacara lahiriah, tapi nilik eusi haté atawa batin urang. (1 Sam. 16:7) Teu aya pikiran, parasaan, atawa lalampahan nu bisa disamunikeun ti Mantenna. Mantenna néangan sipat alus dina diri urang tuluy ngajurung urang pikeun ngamekarkeunana. Tapi, Mantenna ogé hoyong urang mariksa jeung ngadalikeun pikiran nu salah saacan éta jadi tindakan.—2 Bab. 16:9; Mat. 5:27-30. w19.02 21-22 ¶9, 11
Senén, 11 Méi
Téangan Yéhuwa, éh maranéh nu lemah lembut di bumi . . . Sing lemah lembut.—Sep. 2:3, ”NW”.
Alkitab ngagambarkeun Musa téh jalma nu ”tabeatna rendah manah [”lemah lembut”, NW], taya tandingna di sadunya anu rendah manah kawas anjeunna”. (Bil. 12:3) Naha ieu hartina manéhna téh lemah, sieun nyieun putusan, jeung borangan? Meureun éta nu kabayang. Tapi, éta teu bener. Musa mah abdi Allah nu tegas, teu sieun nyieun putusan, jeung wanian. Ku bantuan Yéhuwa, manéhna wani ngadep pangawasa Mesir nu gedé kawasana, bisa jadi mingpin kira-kira 3.000.000 jalma ngaliwatan gurun keusik, jeung ngabantu bangsa Israil nalukkeun musuh-musuhna. Urang teu boga tangtangan siga Musa. Tapi, unggal poé urang kudu nyanghareupan jalma atawa kaayaan nu nyababkeun urang hésé lemah lembut. Sanajan kitu, urang kajurung ngamekarkeun sipat ieu lantaran Yéhuwa jangji yén ”anu sarareh budi [”lemah lembut”, NW], tangtu bakal kawaris tanah”. (Jab. 37:11) Naha Sadérék ngarasa geus lemah lembut? Naha aya batur nu pernah ngomong kitu? w19.02 8 ¶1-2
Salasa, 12 Méi
Cilaka maraneh! Goreng disebut hade.—Yes. 5:20.
Yéhuwa masihan hal nu istiméwa ka manusa, nyaéta haté sanubari. Naon buktina Adam jeung Hawa boga haté sanubari? Sanggeus teu taat ka Allah, maranéhna nyumput. Ieu lantaran haté sanubari maranéhna kaganggu. Haté sanubari téh parasaan ngeunaan bener salahna hiji hal, nu bisa ngabingbing hirup urang. Jalma nu haté sanubarina teu kalatih sarupa jeung kapal laut nu kompasna ruksak. Angin jeung ombak bisa nyasabkeun kapal. Tapi, kompas nu alus bisa mantuan jurumudi pikeun ngajalankeun kapal tetep aya dina jalurna. Kitu ogé, haté sanubari nu dilatih ku cara nu bener bisa ngabingbing urang. Lamun teu dilatih ku cara nu bener, haté sanubari moal ngingetan urang sangkan teu ngalampahkeun nu salah, malahan bisa ngayakinkeun yén nu goréng téh hadé.—1 Tim. 4:1, 2. w18.06 15-16 ¶1-3
Rebo, 13 Méi
Ulah rek kabawakeun ku tabeat dunya.—Rum 12:2, ”SF”.
Urang kudu apal jeung nampik cara pikir dunya nu henteu terang-terangan. Misalna, aya berita nu ngagulkeun sababaraha pandangan pulitik. Berita séjénna nguar-nguarkeun tujuan nu diimpi-impikeun ku loba jalma sarta hal-hal hébat nu geus kahontal ku dunya ieu. Aya ogé film jeung buku nu ngajurung jalma pikeun mikir ”aing heula” jeung ”kulawarga nomer hiji”. Éta katingalina asup akal, alus, malahan bener, tapi sabenerna mah papalingpang jeung Alkitab. Alkitab nyebutkeun yén urang jeung kulawarga bisa bener-bener bagja lamun ngutamakeun kanyaah ka Allah. (Mat. 22:36-39) Mémang aya hiburan nu bisa ditarima. Tapi, tetep wé urang kudu ngalenyepan, ’Naha abdi sadar lamun aya pamikiran dunya nu diasupkeun sacara teu langsung? Naha abdi ngalindungan budak jeung diri abdi tina sababaraha acara TV jeung bacaan? Naha abdi ngabantu budak boga cara pikir Yéhuwa sangkan manéhna teu kapangaruhan ku cara pikir dunya nu didéngé jeung ditingali?’ w18.11 26 ¶18-19
Kemis, 14 Méi
Ulah sieun, aya Kami!—Yes. 41:10
Yéhuwa nyarengan urang ku cara nyaah jeung merhatikeun urang. Perhatikeun kumaha Mantenna ngungkabkeun rasa deudeuhna ka urang. Yéhuwa nyarios, ”Maneh teh pupunden Kami, kakasih Kami, sarta ku Kami dibere kamulyaan.” (Yes. 43:4) Di jagat raya ieu, euweuh nu bisa megatkeun kanyaah Yéhuwa ka hamba-hamba-Na. Kasatiaan Mantenna euweuh tungtungna. (Yes. 54:10) Yéhuwa teu jangji bakal nyingkirkeun masalah urang. Tapi, Mantenna moal ngantep urang titeuleum ku ”cai jero” mangrupa kasukeran atawa tutung ku ”seuneu” mangrupa bahla. Jadi, moal aya nu bisa nyangsarakeun urang salilana. Mantenna ngajamin bakal nyarengan jeung nulungan urang ”nyorang” kasukeran. Kumaha carana? Mantenna bakal ngabantu urang sangkan teu sieun deui, jadi urang bisa tetep satia sanajan kudu maot. (Yes. 41:13; 43:2) Lamun urang percaya kana jangji Allah ”Kami nyarengan manéh”, urang gé bakal tabah jeung kuat nandangan masalah. w19.01 3-4 ¶4-6
Jumaah, 15 Méi
Manusa ngareka itu jeung ieu, ari jadi henteuna mah kumaha kersa PANGERAN.—Sil. 19:21.
Budak ngora, hidep bisa jadi geus dibéjaan ku guru sakola, guru bingbingan jeung konseling, atawa nu séjénna pikeun sakola luhur atawa ngudag kariér ngarah beunghar. Tapi, naséhat Yéhuwa mah béda. Tangtu, Mantenna hoyong hidep getol sakola supaya engkéna bisa nyumponan pangabutuh sorangan. (Kol. 3:23) Tapi, Mantenna ogé apal yén hidep kudu nyieun putusan-putusan penting ayeuna nu bakal mangaruhan kahirupan hidep dina mangsa kahareup. Jadi, Mantenna nyadiakeun prinsip-prinsip nu bisa ngabingbing jeung ngabantu hidep pikeun hirup ku cara nu nyenangkeun Mantenna dina ahir jaman ieu. (Mat. 24:14) Yéhuwa apal naon nu bakal kajadian dina mangsa kahareup, jeung apal sakumaha deukeut ahir dunya ieu. (Yes. 46:10; Mat. 24:3, 36) Yéhuwa gé apal ka hidep. Mantenna apal naon nu ngabagjakeun atawa nu nyusahkeun hidep. Naséhat manusa kadéngéna mah alus, tapi lamun éta teu dumasar kana Firman Allah, éta teu bener-bener alus. w18.12 15-16 ¶1-2
Saptu, 16 Méi
Nu jarahat bakal gancang musna.—Jab. 37:10.
Sabalikna, ”anu sarareh budi, tangtu bakal kawaris tanah, hirupna senang ngahenang-ngahening”. Daud ogé nganubuatkeun, ”Nu balener bakal kawaris tanah pusaka, tur matuhna di dinya moal incah balilahan.” (Jab. 37:11, 29; 2 Sam. 23:2) Ceuk Sadérék, naon pangaruh jangji ieu ka jalma-jalma nu taat ka Allah? Maranéhna boga alesan pikeun ngarepkeun yén dina mangsa kahareup ngan jalma balener nu aya di bumi jeung bakal aya deui pirdaus saperti Taman Éden. Ka dieunakeun, kalolobaan urang Israil nu ngaku nyembah Yéhuwa nolak Mantenna jeung ibadah sajati. Jadi, Allah ngantep bangsa Babul pikeun nalukkeun umat-Na, ngancurkeun nagrina, jeung ngagiring pendudukna ka Babul. (2 Bab. 36:15-21; Yer. 4:22-27) Tapi, nabi-nabi Allah nganubuatkeun yén maranéhna bakal balik deui ka lemah caina sanggeus 70 taun. Nubuat-nubuat éta geus laksana, tapi aya pangaruhna ogé keur urang, pirdaus di bumi dina mangsa kahareup. w18.12 5 ¶9-10
Minggu, 17 Méi
Sakitu luhurna langit ti bumi, sakitu jauhna jalan jeung pikiran Kami ti jalan jeung pipikiran maraneh.—Yes. 55:9.
Kalolobaan naséhat ti dunya papalingpang jeung pangajaran Alkitab. Tapi, naha naséhat ti dunya téh leuwih cocog pikeun jaman kiwari ti batan naséhat ti Alkitab? Ceuk Yésus, ”Kawijaksanaan Allah mah katembong tina hasil-hasilna.” (Mat. 11:19) Sanajan aya loba kamajuan di widang téknologi, hal éta teu bisa ngaréngsékeun masalah-masalah gedé nu nyababkeun urang teu bagja, saperti perang, rasisme, jeung kajahatan. Geus kitu, dunya ogé teu ngamasalahkeun laku lampah cabul. Tapi, loba jalma ngaku yén hal-hal éta téh ngaruksak kulawarga, nyababkeun panyakit, jeung balukar goréng séjénna. Kumaha ari naséhat Yéhuwa? Urang Kristen nu nuturkeun cara pikir Yéhuwa mah boga kulawarga nu leuwih bagja, awak nu leuwih séhat, sarta bisa rukun jeung dulur saiman di sakuliah dunya. (Yes. 2:4; Ras. 10:34, 35; 1 Kor. 6:9-11) Jadi jelas, cara pikir Yéhuwa leuwih unggul ti batan cara pikir dunya. w18.11 23-24 ¶8-10
Senén, 18 Méi
Pergaulan goreng ngaruksak sipat nu hade.—1 Kor. 15:33.
Tangtu, urang ngupayakeun pikeun akur jeung bageur ka kulawarga. Tapi, urang embung ngabaékeun papakon Yéhuwa demi nyenangkeun maranéhna. Sobat urang sakuduna jalma nu nyaah ka Yéhuwa. Sangkan aya dina jalan bebeneran, urang kudu suci, atawa bersih, di pandangan Yéhuwa. (Yes. 35:8; 1 Pet. 1:14-16) Basa diajar bebeneran, urang nyieun parobahan supaya bisa nuturkeun papakon Alkitab. Sababaraha nyieun parobahan nu gedé pisan. Tapi, urang kudu tetep ati-ati ulah nepi ka kahirupan urang nu bersih diganti ku kahirupan nu cabul. Kumaha urang bisa nolak gogoda pikeun ngalampahkeun hal cabul? Lenyepan naon nu dipasihkeun ku Yéhuwa sangkan urang jadi suci. Mantenna masihkeun kahirupan Putra-Na nu dipikanyaah, Yésus Kristus! (1 Pet. 1:18, 19) Supaya tetep bersih di pandangan Yéhuwa, urang kudu terus inget sakumaha luhurna harga korban tebusan Yésus. w18.11 12-13 ¶10-11
Salasa, 19 Méi
Kaula . . . kalawan yakin muntang ka Allah nu bakal nyalametkeun kaula. Allah kaula tangtu kersaeun ngadangu doa kaula.—Mika 7:7.
Loba palayan sapinuh waktu ngomong yén ngutamakeun palayanan téh ngabantu maranéhna tetep bungah jeung boga pikiran nu positif sanajan kaayaanana barobah. Tuladan maranéhna nunjukkeun yén lamun urang ngalampahkeun nu panghadéna jeung sapinuhna ngandel ka Yéhuwa, pikiran urang bakal tengtrem teu sual kumaha kaayaanana. Ahirna, urang bakal sadar yén nyaluyukeun diri jeung parobahan téh nguatkeun sosobatan urang jeung Yéhuwa. Di dunya ieu, kahirupan urang bisa ujug-ujug barobah. Urang bisa dibéré tugas palayanan nu anyar, boga masalah kaséhatan, atawa kudu ngarawat anggota kulawarga. Teu sual kumaha kaayaanana, sing yakin yén Yéhuwa merhatikeun Sadérék jeung bakal masihan bantuan pas dina waktuna. (Ibr. 4:16; 1 Pet. 5:6, 7) Ayeuna mah lampahkeun wé nu panghadéna. Pék ngadoa jeung andelkeun Bapa Yéhuwa sapinuhna. Ku kituna, teu sual parobahan naon nu disanghareupan, Sadérék bakal meunangkeun katengtreman pikiran ti Yéhuwa. w18.10 26-27 ¶17, 19, 22
Rebo, 20 Méi
[Yéhuwa] uninga kana bahan asal urang, kaemut yen urang teh saukur lebu.—Jab. 103:14.
Dina Alkitab, urang bisa diajar kumaha Yéhuwa mikirkeun umat-Na. Contona, Yéhuwa ngabantu Samuél nu leutik kénéh nepikeun warta hukuman ka Imam Agung Éli saperti nu dicatet di 1 Samuel 3:1-18. Hukum Yéhuwa maréntahkeun budak leutik pikeun ngajénan jalma nu leuwih kolot, utamana nu boga wewenang. (Bud. 22:28; Ima. 19:32) Asa teu kabayang mun saurang budak leutik saperti Samuél nyampeurkeun Éli isuk-isuk tuluy wani nepikeun warta hukuman ti Allah. Alkitab ngajelaskeun yén Samuél ”bingung kumaha ngabejakeunana eta tetenjoanana ka Eli”. Tapi, Éli sadar yén nu ngageroan Samuél téh Allah. Jadi, Éli ménta Samuél pikeun nyaritakeun sakabéhna, ulah aya nu disumput-sumputkeun. Samuél nurut, ”ku Samuel dicaritakeun sabalakana”. Warta ti Samuél méh sarua jeung warta saacanna. (1 Sam. 2:27-36) Kisah ieu ngajar urang yén Yéhuwa téh bijaksana jeung mikirkeun parasaan batur. w18.09 21 ¶2; 22 ¶4-5
Kemis, 21 Méi
Nun PANGERAN, saha anu diwidian marek ka Bait Gusti? . . . Nya eta anu . . . jujur satarabasna dina nyarita.—Jab. 15:1, 2.
Kiwari, jalma-jalma osok ngabohong. Artikel ”Alesanana Urang Ngabohong” dina majalah National Geographic nyebutkeun, ”Geus jelas yén ngabohong téh adatna manusa.” Éta hartina, jalma-jalma mikir yén ngabohong téh geus biasa jeung wajar. Jalma-jalma ngabohong pikeun ngalindungan diri, bisa jadi pikeun nyumputkeun kasalahan atawa kajahatanana. Maranéhna ogé ngabohong pikeun meunangkeun duit atawa kauntungan séjénna. Artikel éta gé nyebutkeun yén sababaraha jalma teu asa-asa ngabohong ka ”jalma nu teu wawuh, batur gawé, babaturan, jeung jalma nu dipikanyaah”. Naon balukarna? Jalma-jalma jadi teu silih percaya deui, hubungan ogé jadi ruksak. Daud ngadoa ka Yéhuwa, ”Gusti misuka kana haté anu iklas.” (Jab. 51:6, NW) Daud nyaho yén nu penting téh eusi haté urang. Jadi, urang Kristen kudu ngomong ”anu saestuna” unggal waktu.—Jak. 8:16. w18.10 4 ¶4; 5-6 ¶9-10; 8 ¶19
Jumaah, 22 Méi
Umat-Na diaping, aman teu aya kasieun.—Jab. 78:53.
Aya leuwih ti tilu juta urang Israil nu ninggalkeun Mesir dina taun 1513 SM. Di antara maranéhna aya barudak leutik, jalma-jalma nu geus karolot, jeung nu gering atawa nu cacad. Maranéhna butuh Pamingpin nu perhatian jeung ngarti ka maranéhna. Ku perantaraan Musa, Yéhuwa némbongkeun yén Mantenna téh Pamingpin nu siga kitu. Hasilna, bangsa Israil ngarasa aman sanajan kudu ninggalkeun imah jeung tanah kalahiranana. (Jab. 78:52) Naon nu dilakukeun ku Yéhuwa sangkan umat-Na ngarasa aman? Mantenna ngatur bangsa Israil kaluar ti Mesir kalawan tartib ”saperti pasukan tentara”. (Bud. 13:18, NW) Lantaran diatur siga kitu, maranéhna bisa ningali yén Allah ngadalikeun kaayaanana. Yéhuwa ogé masihan ”mega” beurang-beurang sarta ”tihang seuneu” peuting-peuting sangkan jadi tanda yén Mantenna nyarengan, nuyun, jeung ngajaga maranéhna.—Jab. 78:14. w18.09 24-25 ¶11-12
Saptu, 23 Méi
Anggursi abdi sumputkeun, di ditu di alam nu paraeh, . . . nepi ka cunduk waktuna abdi dipiemut deui.—Ayub 14:13.
Dina jaman Alkitab, sababaraha hamba Allah nu satia pernah ngarasa sakitu susahna nepi ka hayang paéh. Misalna Ayub, nu ngarasakeun kanyeri nu kacida, ngomong, ”Abdi pasrah, parantos bosen hirup.” (Ayub 7:16) Yunus nu sakitu kuciwana ngomong ka Yéhuwa, ”Ayeuna mah cabut nyawa abdi, langkung sae maot ti batan hirup.” (Yun. 4:3) Nabi Élias nu pegat harepan ngomong, ”Parantos teu kiat, nun PANGERAN, mangga candak nyawa abdi.” (1 Rja. 19:4) Tapi, Yéhuwa mikanyaah maranéhna jeung hayang maranéhna hirup. Yéhuwa teu nyalahkeun maranéhna lantaran boga parasaan siga kitu. Tapi Mantenna ngabantu maranéhna sangkan sumanget deui hirupna, ku kituna bisa tetep satia ngawula Mantenna. w18.09 9 ¶4
Minggu, 24 Méi
Urang téh batur gawé Allah.—1 Kor. 3:9, ”NW”.
Batur gawé Allah akuan ka batur. Dina Alkitab, kecap Yunani nu digunakeun pikeun akuan ka batur hartina ”bageur ka jalma nu can dikenal”. (Ibr. 13:2) Dina Firman Allah, urang bisa maca conto-conto nu ngajar urang carana bageur ka batur. (Kaj. 18:1-5) Urang bisa jeung kudu ngabantu batur dina unggal kasempetan, teu sual manéhna téh ”batur sakapercayaan” atawa lain. (Gal. 6:10) Naha Sadérék bisa gawé bareng jeung Allah ku cara nyadiakeun pamondokan keur palayan sapinuh waktu? (3 Yoh. 5, 8) Mun éta dilakukeun, éta bakal mawa mangpaat keur Sadérék ogé keur maranéhna. Ku kituna, urang bisa ”silih kuatkeun”. (Rum 1:11, 12) Firman Allah ngajurung sadérék pameget di sidang pikeun jadi batur gawé Yéhuwa ku cara ngaladénan batur sabagé palayan sidang atawa kokolot. (1 Tim. 3:1, 8, 9; 1 Pet. 5:2, 3) Maranéhna daék ngabantu dina hal-hal rohani jeung hal séjénna. (Ras. 6:1-4) Sadérék-sadérék nu ngabantu ngalakukeun tugas di sidang ngomong yén maranéhna téh bungah. w18.08 23 ¶6-7; 24 ¶10
Senén, 25 Méi
Ka nu geus karolot ulah keras-keras, ngomongan kudu cara ka bapa sorangan.—1 Tim. 5:1.
Sanajan boga wewenang pikeun méré naséhat ka nu geus karolot, Timoteus kudu welas asih jeung ngajénan maranéhna. Kumaha lamun saurang sadérék nu geus kolot ngahaja nyieun dosa atawa méré pangaruh anu goréng? Yéhuwa moal ngantep dosa nu dihaja, sanajan nu ngalakukeunana jalma nu geus kolot jeung diajénan. Perhatikeun prinsip di Yesaya 65:20 (NW), ”Sanajan umurna geus saratus taun, jalma nu ngadosa bakal dikutuk.” Prinsip nu sarua gé aya dina titingalian Yéhéskél. (Yeh. 9:5-7) Nu pangpentingna, urang ngajénan Yéhuwa, Pribadi ”nu geus sepuh pisan”. (Dan. 7:9, 10, 13, 14) Lantaran ngajénan Mantenna, urang jadi boga kawani pikeun méré naséhat ka batur, teu sual umurna.—Gal. 6:1. w18.08 13 ¶13-14
Salasa, 26 Méi
Jalma bodo mah percayaan, ari nu binangkit mah ngawas-ngawas heula pilengkaheun.—Sil. 14:15.
Urang kudu diajar carana mariksa informasi ngarah bisa nyieun kasimpulan nu bener. (Sil. 3:21-23; 8:4, 5) Lamun teu kitu, urang bakal gampang dibobodo ku Sétan jeung dunya ieu. (Epe. 5:6; Kol. 2:8) Jadi, urang kudu ngaregepkeun atawa mariksa heula nu sabenerna ngarah bisa nyieun kasimpulan nu bener. Kiwari, urang bisa meunang informasi ti mana waé, misalna ti Internét, TV, jeung média séjénna. Urang ogé osok narima loba e-mail, SMS, jeung ngadéngé carita ti babaturan. Urang asa dicekokan ku loba informasi. Babaturan bisa jadi boga niat alus, tapi aya jalma-jalma nu ngahaja nyebarkeun informasi nu salah atawa nu can tangtu bener. Ku kituna, urang kudu ati-ati. w18.08 3-4 ¶1, 3
Rebo, 27 Méi
Nyai kamanah ku Allah.—Luk. 1:30, ”NW”.
Yéhuwa milih Mariam, wanoja nu rendah haté, pikeun jadi indungna Yésus. Mariam cicing di kota leutik nu ngaranna Nasarét, jauh ti Yérusalém jeung baitna nu megah. (Luk. 1:26-33) Tina omongan Mariam ka Élisabét, katingali yén manéhna boga hubungan nu raket jeung Yéhuwa. (Luk. 1:46-55) Yéhuwa geus merhatikeun Mariam. Ku sabab manéhna satia, Yéhuwa ngaberkahan manéhna ku cara nu teu kabayangkeun saacanna. Waktu Yésus lahir, Yéhuwa teu ngabéjaan hal ieu ka para pajabat penting nu aya di Yérusalém jeung Bétléhém. Sabalikna, Yéhuwa ngutus malaikat pikeun ngabéjaan hal ieu ka para pangangon nu rendah haté nu aya di tegalan di luareun Bétléhém. (Luk. 2:8-14) Tuluy, para pangangon éta nganjangan Yésus nu kakara dilahirkeun. (Luk. 2:15-17) Mariam jeung Yusup pasti teu nyangka Yésus dihormat ku cara ieu. w18.07 6 ¶11-12
Kemis, 28 Méi
Mana PANGERAN bendu.—1 Rja. 11:9, 10.
Alkitab nyebutkeun yén Yéhuwa ambek ka Suléman ku sabab haténa geus ngajauh ti Yéhuwa. Allah sabenerna geus ngabantu Suléman. Yéhuwa ”geus dua kali nembongan ka anjeunna, jeung nimbalan ulah ngabakti ka allah-allah bangsa lian, [tapi] Suleman henteu ngestokeun”. Balukarna, manéhna teu kamanah jeung teu didukung deui ku Yéhuwa. Turunan Suléman teu meunang deui ngawasa ka kabéh kaom Israil sarta ngalaman loba masalah salila ratusan taun. (1 Rja. 11:9-13) Lamun urang milih babaturan nu teu paham atawa teu ngajénan papakon Allah, pikiran urang bisa kapangaruhan tuluy sosobatan urang jeung Yéhuwa bisa ruksak. Bisa jadi maranéhna téh dulur saiman, tapi lemah karohanianana. Atawa, maranéhna téh baraya, tatangga, batur gawé, atawa batur sakola nu teu nyembah Yéhuwa. Lamun sering babarengan jeung jalma nu teu nuturkeun papakon Yéhuwa, lila kalilaan maranéhna bisa ngaruksak sosobatan urang jeung Allah. w18.07 17-18 ¶9-10
Jumaah, 29 Méi
Saalam dunya dibawah kusi Jahat.—1 Yoh. 5:19.
Sétan ngagunakeun film jeung acara TV pikeun nyebarkeun cara pikirna. Manéhna apal yén carita-carita téh lain saukur hiburan, tapi ogé bisa mangaruhan cara pikir, parasaan, jeung lalampahan urang. Yésus maké cara ieu pikeun ngajar. Contona, misil ngeunaan urang Samaria nu bageur sarta budak nu indit ti imah jeung miceunan duit warisan. (Mat. 13:34; Luk. 10:29-37; 15:11-32) Tapi, jalma-jalma nu kapangaruhan ku cara pikir Sétan ngagunakeun carita-carita pikeun ngaruksak urang. Urang kudu asup akal. Mémang, aya film jeung acara TV nu aman, bisa ngahibur, jeung méré informasi. Tapi, tetep urang kudu ati-ati. Waktu rék milih hiburan, pék lenyepan heula, ’Naha film jeung acara TV ieu mangaruhan abdi pikeun nuturkeun kahayang jasmani?’ (Gal. 5:19-21; Epe. 2:1-3) Sadérék bakal kumaha lamun nyaho acara éta téh nguarkeun cara pikir Sétan? Geuwat singkahan saperti Sadérék nyingkahan panyakit nu népa! w19.01 15-16 ¶6-7
Saptu, 30 Méi
Tarima kasalametan ti Allah, pake jadi balakutakna.—Epe. 6:17.
Saperti balakutak nu ngalindungan uteuk prajurit, harepan kasalametan ogé ngalindungan pikiran urang. (1 Tes. 5:8; Sil. 3:21) Sétan bisa nipu urang sangkan ngaleupaskeun balakutak. Kumaha carana? Pikirkeun gogoda Sétan ka Yésus. Sétan apal yén Yésus téh bakal jadi pangawasa manusa. Tapi saacanna, Yésus kudu sangsara tuluy maot. Geus kitu, Yésus kudu ngadagoan heula nepi ka dijadikeun Raja ku Yéhuwa. Jadi, Sétan ngagoda Yésus supaya teu kudu lila ngadagoan. Anjeunna bisa langsung jadi pangawasa dunya asal daék nyembah Sétan sakali waé. (Luk. 4:5-7) Sétan ogé apal yén Yéhuwa jangji bakal masihan hal-hal nu éndah di dunya anyar. Tapi, urang kudu ngadagoan jangji éta bari kudu nyanghareupan loba masalah. Jadi, Sétan nawarkeun kasenangan-kasenangan dunya ayeuna ogé. Manéhna hayang urang miheulakeun kasenangan pribadi ti batan Karajaan Allah.—Mat. 6:31-33. w18.05 25 ¶15-17
Minggu, 31 Méi
Sing galumbira meungpeungkeur ngora.—Pan. 11:9.
Yéhuwa miharep budak ngora bagja hirupna. Utamakeun cita-cita rohani jeung tuturkeun naséhat Yéhuwa dina sagala rencana jeung putusan hidep. Beuki awal hidep ngalampahkeun hal ieu, beuki gancang hidep ngarasakeun bingbingan, panyalindungan, jeung berkah Yéhuwa. Pék lenyepan kabéh naséhat tina Firman-Na, jeung larapkeun naséhat ieu, ”Meungpeung keur ngora, kudu eling ka Anu nyipta maraneh.” (Pan. 12:1) Hidep layak dipuji lantaran terus ngutamakeun palayanan ka Yéhuwa. Hidep boga cita-cita rohani, sarta nganggap pangwawaran téh salah sahiji kagiatan nu pangpentingna. Hidep ogé teu daék disimpangkeun ku dunya ieu. Sing yakin yén upaya hidep moal cumah. Hidep dirojong jeung dipikanyaah ku dulur-dulur saiman. Jadi, ’suhunkeun ka Yéhuwa sangkan rencana hidep diberkahan, tangtu pagawéan hidep lulus’. w18.04 31-32 ¶17, 19