PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es20 kaca 57-66
  • Juni

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Juni
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2020
  • Subjudul
  • Senén, 1 Juni
  • Salasa, 2 Juni
  • Rebo, 3 Juni
  • Kemis, 4 Juni
  • Jumaah, 5 Juni
  • Saptu, 6 Juni
  • Minggu, 7 Juni
  • Senén, 8 Juni
  • Salasa, 9 Juni
  • Rebo, 10 Juni
  • Kemis, 11 Juni
  • Jumaah, 12 Juni
  • Saptu, 13 Juni
  • Minggu, 14 Juni
  • Senén, 15 Juni
  • Salasa, 16 Juni
  • Rebo, 17 Juni
  • Kemis, 18 Juni
  • Jumaah, 19 Juni
  • Saptu, 20 Juni
  • Minggu, 21 Juni
  • Senén, 22 Juni
  • Salasa, 23 Juni
  • Rebo, 24 Juni
  • Kemis, 25 Juni
  • Jumaah, 26 Juni
  • Saptu, 27 Juni
  • Minggu, 28 Juni
  • Senén, 29 Juni
  • Salasa, 30 Juni
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2020
es20 kaca 57-66

Juni

Senén, 1 Juni

Rek nyuhunkeun naon bae anu disuhunkeunana nyebut ngaran Kami, ku Rama tan wande dikabul.​—⁠Yoh. 15:16.

Para rasul tangtu ditegerkeun ku jangji Yésus ieu. Maranéhna teu engeuh yén Yésus bakal maot poé éta kénéh. Sanajan Yésus maot, lain hartina maranéhna moal ditulungan. Yéhuwa siap ngajawab doa-doa maranéhna jeung ngabantu dina pangwawaran. Éta kabukti. Sanggeus Yésus maot, para rasul sasambat ka Yéhuwa nyuhunkeun kawani. Doa maranéhna diijabah. (Ras. 4:​29, 31) Kitu ogé kiwari. Lamun urang terus ngawawar, urang bisa tetep jadi sobat Yésus. Urang gé yakin yén Yéhuwa siap ngajawab doa-doa urang waktu nyanghareupan tangtangan dina pangwawaran. (Pil. 4:13) Urang bungah pisan lantaran Yéhuwa ngajawab doa urang sarta urang bisa nyobat jeung Yésus. Kurnia-kurnia ieu nguatkeun urang pikeun terus buahan.​—⁠Yak. 1:⁠17. w18.05 14 ¶17-18

Salasa, 2 Juni

Sing silih gedekeun hate, sabab Poe pisumpingeunana Gusti geus beuki deukeut.​—⁠⁠Ibr. 10:⁠24, 25.

Kurang ti lima taun deui, urang Kristen Ibrani bakal ningali poé panghakiman Yéhuwa ka Yérusalém nu beuki deukeut. Maranéhna paham kudu nurut kana paréntah Yésus pikeun kalaluar ti kota éta. (Luk. 21:​20-22; Ras. 2:​19, 20) Poé Yéhuwa datang taun 70 M waktu urang Rum ngancurkeun Yérusalém. Kaayaan urang kiwari méh sarua. ”Poena PANGERAN [nu] matak sieun kabina-bina” geus deukeut. (Yoel 2:11) Nubuat Nabi Sépanya kajadian dina jaman urang, ”Poe agung PANGERAN geus deukeut, deukeut naker, bakal gancang datang.” (Sep. 1:14) Éta sababna urang kudu ”silih titenan, silih ajak nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah”. (Ibr. 10:24) Urang kudu leuwih merhatikeun dulur-dulur urang sangkan bisa negerkeun haté maranéhna waktu diperlukeun. w18.04 21-22 ¶1-2

Rebo, 3 Juni

Masing teteg sarta yakin! Ulah sieun atawa leutik hate, sabab Kami, PANGERAN Allah maneh ka mana-mana oge tan wande nyarengan.​—⁠Yos. 1:⁠9.

Pék bayangkeun kumaha parasaan Yosua basa ngadéngé kekecapan ieu. Yéhuwa ogé negerkeun haté umat-Na sabagé kelompok. Misalna, Yéhuwa terang yén urang Yahudi nu ditawan di Babul perlu ditegerkeun. Jadi, Mantenna masihan nubuat nu nguatkeun maranéhna, ”Ulah sieun, aya Kami! Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon! Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas. Maneh ku Kami bakal diraksa jeung dirahayukeun.” (Yes. 41:10) Ka dieunakeun, Yéhuwa negerkeun haté urang Kristen nu mimiti. Mantenna ogé negerkeun haté urang ayeuna. (2 Kor. 1:​3, 4) Yéhuwa negerkeun haté Putra-Na. Sanggeus dibaptis, Yésus ngadangu sora ti sawarga, ”Ieu teh Putra kaasih Kami, anu kamanah ku Kami!” (Mat. 3:17) Kekecapan ieu tangtu negerkeun Yésus pikeun ngajalankeun tugasna di bumi! w18.04 16 ¶3-5

Kemis, 4 Juni

[Buah] ti tangkal anu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng . . . teu meunang didahar.​—⁠Kaj. 2:​17.

Aya nu mikir yén Yéhuwa teu masihan Adam kabébasan pikeun ngalampahkeun kahayangna. Maranéhna teu paham yén kabébasan milih, atawa hak pikeun milih naon nu rék dilampahkeun, béda jeung hak pikeun nangtukeun naon nu hadé jeung nu goréng. Adam jeung Hawa bébas milih naha rék taat ka Allah atawa henteu. Tapi, ngan Yéhuwa nu boga hak pikeun nangtukeun naon nu hadé jeung nu goréng. Éta dilambangkeun ku ”tangkal nu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng”. (Kaj. 2:⁠9) Ku cara ngalarang Adam jeung Hawa ngadahar buah tina éta tangkal, Yéhuwa ngajarkeun yén maranéhna kudu taat ka Mantenna sangkan boga kabébasan sajati. Hanjakalna, Adam jeung Hawa milih pikeun teu taat ka Allah. Naha Adam jeung Hawa jadi leuwih bébas sakumaha ceuk Sétan? Henteu. Ku cara nangtukeun sorangan mana nu hadé jeung nu goréng, Adam jeung Hawa teu bisa leuwih bébas. Maranéhna kalah ka kaleungitan kabébasan sajati ti Yéhuwa. w18.04 5-6 ¶9-​12

Jumaah, 5 Juni

Tina sagala kasangsaraanana. . .  welas ka maranehna.​—⁠Yes. 63:⁠9.

Yéhuwa teu ngan saukur karunya ka umat-Na nu keur sangsara. Mantenna ogé nyieun tindakan pikeun nulungan. Misalna, waktu urang Israil sangsara di Mesir, Yéhuwa paham parasaan maranéhna jeung kageuing pikeun ngaleungitkeun kanyeri maranéhna. Yéhuwa nyarios ka Musa, ”Kami geus waspaos yen umat Kami di Mesir kacida dikakayana. Sasambatna . . . ku Kami geus kadangu. Kami uninga kasangsaraan maranehanana. Nu matak Kami teh lungsur rek ngajait maranehna ti urang Mesir.” (Bud. 3:​7, 8) Lantaran karunya, Yéhuwa ngabébaskeun umat-Na ti pangbudakan. Mangabad-abad sanggeusna, di Tanah Perjangjian, urang Israil diserang ku musuh. Naon nu dilakukeun ku Yéhuwa? Mantenna ”welaseun ngadangu maranehna sasambat teu kuat nandangan sangsara”. Sakali deui, lantaran rasrasan, Yéhuwa kageuing pikeun nulungan umat-Na. Mantenna ngirim para hakim keur mingpin jeung nyalametkeun urang Israil ti musuh.—Hak. 2:​16, 18. w19.03 15-16 ¶4-5

Saptu, 6 Juni

Ari indung naha sok pohoeun ka orokna? Naha sok teu nyaaheun ka anak tegesna? Tapi najan aya ge indung anu teu nyaah ka anak, Kami mah hamo lali ka maraneh.​—⁠Yes. 49:⁠15.

Dua paréntah nu mimiti ti Sapuluh Paréntah nitah bangsa Israil pikeun ngabakti mung ka Yéhuwa jeung ngalarang maranéhna nyembah ka brahala. (Bud. 20:​3-6) Paréntah-paréntah éta lain keur kapentingan Yéhuwa, tapi keur mangpaat umat-Na. Waktu umat-Na nyembah ka allah-allah bangsa séjén, maranéhna sangsara. Sabalikna, Yéhuwa ngaberkahan umat-Na waktu maranéhna satia ka Mantenna jeung adil ka batur. (1 Rja. 10:​4-9) Yéhuwa teu bisa disalahkeun lamun aya jalma nu ngaku nyembah Mantenna tapi teu nuturkeun papakon-Na jeung nyilakakeun umat-Na. Sanajan kitu, Yéhuwa nyaah ka urang jeung apal waktu urang ngalaman kateuadilan. Mantenna bisa ngarasakeun kanyeri urang. Parasaan Mantenna leuwih kuat ti batan parasaan indung ka orokna. Sanajan teu langsung ngabantu, dina waktuna Mantenna bakal ménta tanggung jawab ka jalma-jalma nu teu adil jeung teu daék tobat. w19.02 22-23 ¶13-​15

Minggu, 7 Juni

Ulah numutkeun kahoyong Abdi, mung pangersa Ama bae anu kedah laksana.​—⁠Luk. 22:⁠42.

Dina minggu-minggu saacan Pangéling-ngéling, pasamoan urang sering ngabahas tuladan Yésus jeung karendahan haténa waktu ngorbankeun kahirupanana jadi tebusan. Sanajan teu gampang, urang jadi kajurung pikeun nyonto karendahan haté anjeunna sarta kajurung pikeun ngalampahkeun kahoyong Yéhuwa. Urang mikirkeun kategeran anjeunna sababaraha poé saacan pupus. Anjeunna apal yén sakeudeung deui bakal dihina, digebugan, jeung dipaéhan ku musuh-musuhna. (Mat. 20:​17-19) Tapi, ku anjeunna tetep disanghareupan. Pas dina waktuna, anjeunna ngomong ka para rasul nu keur bareng jeung anjeunna di Gétsemané, ”Geura harudang, urang indit. Tenjo, anu arek ngahianat ka Kami teh geus datang!” (Mat. 26:​36, 46) Waktu gorombolan serdadu nu rék néwak datang, anjeunna maju, ngungkabkeun saha dirina, jeung ménta murid-muridna dileupaskeun. (Yoh. 18:​3-8) Kategeran Yésus luar biasa! Kiwari, urang Kristen nu diistrénan jeung domba-domba lian gé satékah polah nyonto kategeran Yésus. w19.01 27-​28 ¶7-8

Senén, 8 Juni

Sing lemah lembut.⁠—⁠Sep. 2:​3, ”NW”.

Pikeun nyieun lukisan, tukang lukis ngagabungkeun sababaraha warna nu éndah. Kitu ogé, urang kudu ngagabungkeun sababaraha sipat nu alus pikeun jadi lemah lembut, misalna rendah haté, taat, bageur, jeung teger haté. Ngan nu rendah haté nu bakal taat ka Allah. Allah hoyong urang jadi jalma bageur. (Gal. 5:22; 2 Tim 2:24) Lamun urang ngalakukeun kahoyong Allah, Sétan bakal ngamuk. Jadi, sanajan urang rendah haté jeung bageur, loba jalma di dunya Sétan bakal ngéwa ka urang. (Yoh. 15:​18, 19) Ku kituna, urang kudu teger haté pikeun ngalawan Sétan. Sabalikna ti jalma nu lemah lembut téh jalma nu sombong, nu sok ngumbar amarah, jeung nu teu taat ka Yéhuwa. Éta persis siga Sétan. Teu héran mun manéhna ijid ka jalma nu lemah lembut lantaran jadi katémbong sakumaha jahat manéhna. Sétan ogé kabukti tukang bohong! Ku naon? Lantaran teu sual naon nu diomongkeun jeung dilampahkeun ku Sétan, jalma-jalma nu lemah lembut teu eureun ngawula Yéhuwa.—Ayub 2:​3-5. w19.02 8-9 ¶3-5

Salasa, 9 Juni

Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon!​—⁠Yes. 41:⁠10.

Yéhuwa apal yén nu kudu sieun mah penduduk Babul. Babul bakal diserang ku pasukan Média-Pérsia. Yéhuwa ngagunakeun pasukan ieu pikeun ngabébaskeun umat-Na ti Babul. (Yes. 41:​2-4) Waktu urang Babul jeung jalma-jalma ti bangsa séjén ngadéngé yén musuh rék nyerang, maranéhna silih kuatkeun. Maranéhna ogé nyieunan loba brahala supaya bisa dilindungan. (Yes. 41:​5-7) Tapi, Yéhuwa nenangkeun haté urang Yahudi di pangbuangan ku cara nyarios, ”Israil, [teu siga bangsa-bangsa séjén] maneh téh abdi Kami, . . . Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon!” (Yes. 41:​8-10) Perhatikeun Yéhuwa nyarios, ”Kami teh Allah maneh.” Yéhuwa ngayakinkeun umat-Na yén Mantenna teu mopohokeun maranéhna, maranéhna gé masih kénéh umat-Na. Mantenna nyarios, ”Kami anu ngurus. Maraneh tangtu . . . disalametkeun.” Kekecapan ieu nengtremkeun jeung nguatkeun urang Yahudi di pangbuangan.​—⁠Yes. 46:​3, 4. w19.01 4 ¶8

Rebo, 10 Juni

Ti langit aya soara, ungelna, ”Hidep teh Putra kaasih Kami, anu kamanah ku Kami.”​—⁠Mar. 1:​11.

Markus 1:​9-11 nyutat kajadian nu mimiti waktu Yéhuwa nyarios ti sawarga. Mantenna nyarios, ”Hidep teh Putra kaasih Kami, anu kamanah ku Kami.” Yésus tangtu bungah waktu ngadangu sora Bapana ngomong nyaah ka anjeunna jeung ngayakinkeun yén anjeunna kamanah ku Mantenna. Kekecapan Yéhuwa ngajéntrékeun tilu hal penting ngeunaan Yésus. Kahiji, Yésus téh Putra Allah. Kadua, Yéhuwa nyaah ka Putra-Na. Jeung katilu, Yésus kamanah ku Yéhuwa. Liwat kekecapan ”Hidep teh Putra . . . Kami,” Yéhuwa nunjukkeun yén Yésus, Putra nu dipikaasih ku Yéhuwa, boga tugas nu anyar. Saacan datang ka bumi, Yésus geus jadi Putra Allah. Tapi sanggeus dibaptis, anjeunna jadi Putra Allah nu diistrénan ku roh suci jeung boga harepan pikeun balik deui ka sawarga jadi Raja jeung Imam Agung. (Luk. 1:​31-33; Ibr. 1:​8, 9; 2:17) Éta sababna waktu Yésus dibaptis, Allah nyarios, ”Hidep teh putra . . . Ama.”—Luk. 3:22. w19.03 8-9 ¶3-4

Kemis, 11 Juni

Teu aya . . . hikmat nu bener lamun papalingpang jeung Yéhuwa.​—⁠Sil. 21:​30, ”NW”.

Naséhat goréng geus aya ti baheula. Nu mimiti méré naséhat goréng ka manusa téh Sétan. Manéhna ngabéjaan Hawa yén Hawa jeung Adam bakal leuwih bagja lamun bisa nangtukeun sagala hal ku sorangan. (Kaj. 3:​1-6) Sétan téh mentingkeun diri! Sétan hayang maranéhna, katut turunanana, taat jeung nyembah ka manéhna lain ka Yéhuwa. Padahal, justru Yéhuwa nu masihan sagala nu dipiboga ku maranéhna. Mantenna masihan batur hirup, taman nu éndah pikeun dicicingan, jeung awak nu sampurna nu bisa hirup langgeng. Hanjakalna, Adam jeung Hawa teu taat ka Allah. Ku kituna, maranéhna misahkeun diri ti Sumber kahirupan maranéhna. Balukarna kacida parahna. Kawas kembang nu diteukteuk tina tangkalna, Adam jeung Hawa ngolotan tuluy maot. Turunanana gé milu sangsara, kaasup urang. (Rum 5:12) Kalolobaan jalma kiwari nampik naséhat Allah jeung mawa karep sorangan. (Epe. 2:​1-3) Jelas, ayat poé ieu téh bener pisan. w18.12 16 ¶3-4

Jumaah, 12 Juni

Sim kuring nerangkeun . . . henteu nurutkeun pikiran sorangan, tapi nurutkeun pituduh Roh Allah.​—⁠1 Kor. 2:​13.

Rasul Paulus téh jalma nu pinter, sakolana luhur, jeung bisa ngomong basa Ibrani ogé basa Yunani. (Ras. 5:34; 21:​37, 39; 22:​2, 3) Tapi, manéhna teu maké hikmat dunya jeung nyieun putusan dumasar kana Firman Allah. (Ras. 17:2; 1 Kor. 2:​6, 7) Hasilna, palayananana suksés, manéhna ogé boga harepan pikeun narima ganjaran nu langgeng. (2 Tim. 4:⁠8) Jelas, cara pikir Allah jauh leuwih unggul ti batan cara pikir dunya. Lamun urang nuturkeun papakon Allah, urang bakal bener-bener suksés jeung bagja. Tapi, Yéhuwa moal maksa urang pikeun nuturkeun cara pikir-Na. Boh ”gandek satia jeung bijaksana” boh kokolot sidang henteu ngadalikeun pikiran urang. (Mat. 24:45; 2 Kor. 1:24) Urang masing-masing boga tanggung jawab pikeun nyaluyukeun cara pikir urang jeung cara pikir Yéhuwa. w18.11 24 ¶12-​13

Saptu, 13 Juni

Moal nandangan deui kasusah jeung kanalangsaan.​—⁠Yes. 35:⁠10.

Liwat nabi Yésaya, Allah nganubuatkeun yén waktu urang Israil baralik deui, kaayaan lemah caina bakal tengtrem. Euweuh nu bakal sieun diserang ku sato atawa jalma. Boh nu ngora boh nu kolot bakal aman. (Yes. 11:​6-9; 35:​5-​10; 51:⁠3) Yésaya ogé nganubuatkeun yén sakuliah bumi, teu ngan saukur bangsa Israil, ”bakal pinuh ku kanyaho ka PANGERAN, lir laut pinuh ku cai”. Yésaya nganubuatkeun deui yén urang Israil nu balik ti Babul moal diserang ku sato atawa jalma. Manéhna nyebutkeun yén bakal aya loba dahareun lantaran caina limpah, siga di Taman Éden. (Kaj. 2:​10-​14; Yer. 31:12) Naha nubuat éta ngan laksana di jaman urang Israil wungkul? Pék perhatikeun, nubuat éta ogé nyebutkeun yén nu lolong, nu lumpuh, jeung nu torék bakal calageur. Hal ieu teu kajadian ka urang Israil nu balik ti Babul. Jadi, Allah keur nunjukkeun yén sakabéh panyakit bakal leungit dina mangsa kahareup. w18.12 5 ¶11-​12

Minggu, 14 Juni

Lumampah dina jalan anu bener.​—⁠3 Yoh 3.

Urang hayang nuturkeun jalan bebeneran salilana. Kumaha supaya urang boga tékad nu kuat pikeun terus nuturkeun jalan bebeneran? Talungtik Alkitab tuluy lenyepan. Jieun jadwal nu rutin. Beuki loba diajar, Sadérék bakal beuki nyaah kana bebeneran. Tékad Sadérék pikeun teu ninggalkeun bebeneran gé beuki kuat. Ceuk Siloka 23:​23, urang kudu ’meuli bebeneran’ jeung meuli ”hikmat, didikan, tur pangarti”. Jadi, pangaweruh wungkul téh teu cukup. Pangaruh bebeneran Alkitab kudu katémbong dina kahirupan urang. Pangarti ngabantu urang ngahubungkeun pangaweruh nu anyar jeung pangaweruh nu geus dipiboga saacanna. Hikmat ngajurung urang pikeun nyieun tindakan. Sakapeung, bebeneran ngadisiplin urang ku cara nunjukkeun naon nu kudu dirobah ku urang. Urang kudu gancang ngalarapkeun disiplin. Ceuk Alkitab, éta leuwih unggul ti batan pérak.—Sil. 8:⁠10. w18.11 10 ¶3; 13 ¶13-​14

Senén, 15 Juni

Pék beuli bebeneran sarta ulah dijual deui.​—⁠Sil. 23:​23, ”NW”.

Naon nu pangpentingna dina kahirupan Sadérék? Sabagé umat Yéhuwa, nu pangpentingna téh nyaéta sosobatan jeung Mantenna. Urang embung nukeurkeun hal éta jeung naon waé. Bebeneran Alkitab gé penting keur urang. Ku lantaran hal éta, urang bisa jadi sobat Yéhuwa. (Kol. 1:​9, 10) Yéhuwa téh Guru Nu Agung, nu ngajarkeun loba bebeneran penting liwat Firman-Na, Alkitab. Mantenna ngajarkeun pentingna nami-Na sarta masihan terang sipat-sipat-Na. Yéhuwa nyarios yén Mantenna nyaah pisan ka urang nepi ka ngorbankeun kahirupan Putra-Na pikeun urang. Mantenna ngajar urang ngeunaan Karajaan Mésias jeung kahirupan di Pirdaus di bumi. Yéhuwa ngajar urang carana ngajalankeun kahirupan. Bebeneran ieu téh harta lantaran bisa ngaraketkeun urang jeung Nu Nyipta sarta méré tujuan hirup. w18.11 3-4 ¶1-2

Salasa, 16 Juni

Ulah silih bohongan.​—⁠Kol. 3:⁠9.

Jalma-jalma bisa nipu batur, tapi inget, maranéhna moal bisa nipu Yéhuwa. Alkitab nyebutkeun yén ”kabeh mahluk eces nonggerak katingalieun” ku Mantenna. (Ibr. 4:⁠13) Contona, Ananias jeung Sapirah nu nipu para rasul. Maranéhna ngajual lahan tuluy mikeun sawaréh hasilna ka para rasul. Tapi, bakating ku hayang kapuji, maranéhna ngomong yén nu dibikeun téh sakabéh hasilna. Yéhuwa apal kana kabohongan ieu tuluy ngahukum maranéhna. (Ras. 5:​1-10) Kumaha parasaan Yéhuwa ka tukang bohong? Kabéh jalma nu ngabohong pikeun nyilakakeun batur tapi teu tobat bakal digebruskeun ka ”lautan seuneu”, sarua kawas Sétan. Hartina, maranéhna bakal binasa salilana. (Wahyu 20:10; 21:8; Jab. 5:⁠7) Urang apal Yéhuwa ”tara ngabohong cara jelema” sarta ”moal kersa jalir”. (Bil. 23:19; Ibr. 6:18) Yéhuwa ’mikacua sungut nu bohong’. (Sil. 6:​16, 17) Jadi, lamun hayang kamanah ku Yéhuwa, urang kudu jujur. w18.10 5-7 ¶10-​13

Rebo, 17 Juni

Pake, lampahkeun . . . hal eta.​—⁠1 Tim. 4:​15.

Kumaha lamun dunungan nitah Sadérék nyumbang duit keur perayaan nu aya patalina jeung agama palsu? Ti batan kakara mikir pas keur nyanghareupan kaayaan siga kitu, leuwih alus lamun ti ayeuna urang ngalenyepan kumaha pandangan Yéhuwa kana hal éta. Ku kituna, pas kaayaan éta muncul, urang jadi leuwih gampang pikeun ngomong jeung ngalampahkeun nu bener. Ngalenyepan cara pikir Yéhuwa ogé bisa ngabantu urang tetep satia ka Mantenna pas nyanghareupan kaayaan darurat médis. Tangtu, urang boga tékad pikeun nampik transfusi getih utuh atawa opat komponén utamana. (Ras. 15:​28, 29) Tapi, aya sababaraha prosedur médis nu ngagunakeun getih nu kudu diputuskeun sacara pribadi dumasar kana prinsip-prinsip Alkitab. Iraha waktu nu alus pikeun nyieun putusan éta? Naha pas keur di rumah sakit, pas keur nyeri-nyerina jeung kudu gancang nyieun putusan? Tangtu henteu. Kudu ti ayeuna kénéh urang ngarisét, ngeusian dokumén hukum nu ngajelaskeun naon kahayang urang, sarta ngomong ka dokter. w18.11 28 ¶5; 30-31 ¶15-​16

Kemis, 18 Juni

Sing saha anu ngagugu ka kami, hirupna tangtu rahayu.​—⁠Sil. 1:​33.

Yéhuwa téh pangangon nu nyaah jeung ngajaga domba-dombana. Mantenna mastikeun yén maranéhna aman ti musuh-musuhna. Ieu nguatkeun kayakinan jeung ngalilipur urang lantaran urang geus beuki deukeut ka ahir dunya ieu. Yéhuwa bakal terus ngajaga umat-Na dina mangsa cilaka nu beuki deukeut. (Wahyu 7:​9, 10) Jadi, teu sual ngora kénéh atawa geus kolot, séhat atawa cacad, umat Yéhuwa moal bakal bingung jeung sieun pas mangsa cilaka. Malah sabalikna, maranéhna bakal inget kana kekecapan Yésus, ”Ajegkeun awak, tanggahkeun sirah, sabab maraneh geus tereh disalametkeun.” (Luk. 21:28) Sanajan maranéhna bakal diserang ku Gog, kumpulan bangsa-bangsa kuat, umat Allah yakin yén Yéhuwa bakal nangtayungan maranéhna. (Yeh. 38:​2, 14-16) Ku naon? Sabab Yéhuwa teu pernah barobah. Mantenna bakal terus ngabuktikeun yén Mantenna téh Juru Salamet nu perhatian jeung nyaahan.—Yes. 26:20. w18.09 26 ¶15-​16

Jumaah, 19 Juni

Maneh teh pupunden Kami, kakasih Kami.​—⁠Yes. 43:​4.

Bayangkeun kumaha parasaan urang Israil waktu Yéhuwa nyarios kekecapan dina ayat poé ieu. Urang ogé apal yén Yéhuwa ngahargaan urang masing-masing. Dina Alkitab, aya jangji, ”Maneh tangtu unggul ku pangawasa Mantenna. PANGERAN bakal mikaresep ka maneh.” (Sep. 3:​16, 17) Yéhuwa jangji bakal nguatkeun jeung ngalilipur hamba-hamba-Na, teu sual masalah naon nu keur disanghareupan ku maranéhna. Mantenna nyarios, ”Maraneh pijadieun saibarat orok, ku indungna disusuan, diaais, dipikadeudeuh . . . dihegar-hegar kawas budak anu dicombo-combo ku indungna.” (Yes. 66:​12, 13) Bayangkeun orok nu ngarasa aman waktu diais atawa dipépéndé ku indungna. Yéhuwa nyaah pisan ka Sadérék jeung hoyong Sadérék ngarasa aman. Sing yakin yén Sadérék dihargaan pisan ku Yéhuwa.​—⁠Yer. 31:⁠3. w18.09 9-10 ¶6-7

Saptu, 20 Juni

Saha anu rido mere derma nyumbangkeun pangbaktina ka PANGERAN?​—⁠1 Bab. 29:⁠5.

Di jaman baheula, urang Israil boga loba kasempetan pikeun jadi sukarélawan. (Bud. 36:2; Neh. 11:⁠2) Kiwari, Sadérék ogé boga loba kasempetan pikeun ngarélakeun waktu, harta banda, jeung pangabisa pikeun ngabantu dulur-dulur saiman. Lamun ngalakukeun hal éta, Sadérék bakal bagja jeung diberkahan ku Yéhuwa. Sukarélawan dina proyék pangwangunan biasana boga sobat-sobat anyar. Saurang sadérék istri nu ngaranna Margie geus digawé dina proyék pangwangunan Balé Karajaan salila 18 taun. Dina proyék-proyék ieu, manéhna osok merhatikeun jeung ngalatih sadérék-sadérék istri nu ngora. Ceuk manéhna, ieu cara nu alus keur para sukarélawan pikeun silih gedékeun haté. (Rum 1:12) Malahan, waktu manéhna keur ngalaman kasusah, sobat-sobatna ieu nu nguatkeun manéhna. Naha Sadérék pernah miluan proyék pangwangunan? w18.08 24-25 ¶9, 11

Minggu, 21 Juni

Hidep ulah pedah ngora tuluy beunang disapirakeun. Dina ucap, dina kalakuan, dina kanyaah, dina kapercayaan, jeung dina kamulusan hirup, hidep kudu jadi tuladan ka sasama saiman.​—⁠1 Tim. 4:⁠12.

Waktu Paulus nulis ieu, umur Timoteus kakara 30 taunan, tapi manéhna geus dibéré tanggung jawab penting ku Paulus. Naon palajaranana? Ulah nyapirakeun jalma nu leuwih ngora. Pikirkeun ogé naon waé nu geus dilakukeun ku Yésus basa umurna 33 taun! Di sababaraha kabudayaan, lalaki nu ngora kénéh biasana teu diajénan. Jadi, sababaraha kokolot teu ngusulkeun sadérék-sadérék ngora jadi palayan sidang atawa kokolot, padahal maranéhna geus nyumponan sarat. Alkitab teu pernah nangtukeun sabaraha umur jalma supaya bisa dilantik jadi palayan sidang atawa kokolot.​—⁠1 Tim. 3:​1-10, 12, 13; Tit. 1:​5-9. w18.08 13-​14 ¶15-​16

Senén, 22 Juni

Singkiran . . . papaduan anu teu parok ngeunaan hal-hal anu majarkeun teh elmu.​—⁠1 Tim. 6:​20.

Pikeun nyieun putusan nu bener, urang butuh informasi nu bisa dipercaya. Jadi, urang kudu ati-ati milih naon nu rék dibaca. (Pil. 4:​8, 9) Tong méakkeun waktu jang maca berita dina situs Internét nu teu bisa dipercaya atawa e-mail jeung SMS nu eusina gosip, utamana tina situs nu dijieun ku jalma murtad. Maranéhna hayang ngalemahkeun iman umat Allah jeung ngajarkeun nu salah. Lamun narima informasi nu can tangtu bener, urang bisa nyieun putusan nu salah. Ulah ngarasa urang moal kapangaruhan ku informasi éta. Di jaman Musa, 12 mata-mata diutus ka Tanah Perjangjian. Waktu baralik deui, sapuluh mata-mata nyaritakeun nu goréng. (Bil. 13:​25-33) Maranéhna ngaleuwih-leuwihkeun caritana nu nyababkeun umat Allah jadi kecing jeung leutik haté. (Bil. 14:​1-4; 6-10) Ti batan percaya ka Yéhuwa jeung mariksa caritana, maranéhna kalah ka percaya ka carita nu goréng. w18.08 4 ¶4-5

Salasa, 23 Juni

Aranjeun ulah kabobodo. Sabab, ”Pergaulan goreng ngaruksak sipat nu hade.”​—⁠1 Kor. 15:⁠33.

Kalolobaan jalma boga sipat-sipat nu hadé. Nu teu ngawula Yéhuwa gé can tangtu jalma jahat. Urang bisa jadi boga batur nu siga kitu. Tapi, naha maranéhna téh babaturan nu bageur? Naon pangaruhna ka hubungan Sadérék jeung Yéhuwa? Naha maranéhna ngabantu Sadérék akrab jeung Yéhuwa? Naon nu pangpentingna keur maranéhna? Naon nu sering diomongkeun? Naha nu diomongkeun téh saukur modél baju, duit, alat éléktronik, hiburan, jeung sajabana? Naha maranéhna sok ngagogoréng batur? Naha bobodoranana jorang? Yésus ngélingan, ”Ucapan anu mudal tina sungut teh asalna tina hate.” (Mat. 12:34) Lamun ngarasa yén babaturan Sadérék bisa ngaruksak hubungan jeung Yéhuwa, geuwat jieun tindakan! Ulah sering-sering babarengan jeung maranéhna. Lamun perlu, jauhan maranéhna.—Sil. 13:⁠20. w18.07 18 ¶11

Rebo, 24 Juni

Musa tabeatna rendah manah, taya tandingna di sadunya.​—⁠Bil. 12:⁠3.

Waktu umur Musa 80 taun, Yéhuwa nugaskeun manéhna pikeun ngabébaskeun bangsa Israil ti pangbudakan Mesir. (Bud. 3:10) Sababaraha kali, Musa nyoba néang alesan. Tapi, Yéhuwa sabar ka Musa, malahan masihan kawasa pikeun nyieun mujijat. (Bud. 4:​2-9, 21) Yéhuwa bisa waé ngagunakeun kakuatana-Na supaya Musa sieun tuluy taat. Tapi, Yéhuwa sabar jeung bageur. Mantenna ngayakinkeun hamba-Na nu rendah haté ieu yén Mantenna bakal nyarengan. Naha cara ieu téh hasil? Tangtu! Musa jadi pamingpin umat Allah nu hébat. Manéhna ngupayakeun pikeun lemah lembut jeung mikirkeun parasaan batur, sakumaha Yéhuwa. Lamun Sadérék boga wewenang ka batur, penting sangkan Sadérék nyonto Yéhuwa ku cara mikirkeun batur, bageur, sarta sabar ka maranéhna. (Kol. 3:​19-​21; 1 Pet. 5:​1-3) Lamun Sadérék nyonto Allah Yéhuwa jeung Yésus Kristus, Musa nu Leuwih Agung, Sadérék bakal leuwih gampang dideukeutan jeung ngagedékeun haté batur.​—⁠Mat. 11:​28, 29. w18.09 23-​24 ¶7-​10

Kemis, 25 Juni

Mana teuing hadena jeung senangna, lamun umat Allah runtut-raut hirupna!​—⁠Jab. 133:​1.

Urang bisa nyegerkeun dulur-dulur lamun urang soméah jeung bageur ka maranéhna. Hasilna, sidang jadi leuwih ngahiji. Naha Sadérék bisa leuwih wanoh ka dulur-dulur di sidang? (2 Kor. 6:​11-13) Sadérék bisa mencarkeun caang di mana-mana. Kahadéan Sadérék bisa ngajurung tatangga pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa. Pék lenyepan, ’Kumaha pandangan tatangga ka abdi? Naha imah abdi téh rapih jeung bersih nu matak lingkungan jadi merenah? Naha abdi osok mantuan tatangga?’ Pék tanyakeun ka Saksi séjén kumaha kahadéan jeung tuladan maranéhna mawa pangaruh alus ka kulawarga, tatangga, batur gawé, atawa batur sakola.—Epe. 5:⁠9. w18.06 24 ¶13-​14

Jumaah, 26 Juni

Engke aya mangsa, jelema anu maehan ka maraneh pangrasana mah ngabakti ka Allah.​—⁠Yoh. 16:⁠2.

Ieu nu dirasakeun ku jalma-jalma nu maéhan Stépanus. (Ras. 6:​8, 12; 7:​54-60) Sapanjang sajarah, loba jalma nu ngalakukeun kakejeman, saperti maéhan jalma, ngakuna mah ibadah ka Allah. Tapi, éta justru ngalanggar hukum Allah. (Bud. 20:13) Jelas, haté sanubari maranéhna teu ngabingbing ku cara nu bener! Jadi, kudu kumaha sangkan haté sanubari urang ngabingbing ku cara nu bener? Hukum jeung prinsip dina Alkitab téh ”mangpa’at pikeun ngawurukkeun kayaktian, pikeun ngaweweleh anu salah, pikeun ngomean kasalahan, jeung pikeun nungtun kana hirup bener”. (2 Tim. 3:16) Urang kudu rutin diajar Alkitab, ngalenyepanana, jeung ngalarapkeunana. Ku kituna, urang diajar pikeun boga cara pikir Yéhuwa. Tuluy, urang bisa yakin yén haté sanubari geus ngabingbing urang ku cara nu bener. w18.06 15-​16 ¶3-4

Saptu, 27 Juni

Tarima . . . sabda Allah anu dipaparinkeun ku Roh Allah jadi pedangna.​—⁠Epe. 6:⁠17.

Pedang nu dipaké ku prajurit Rum téh panjangna kira-kira satengah méter. Prajurit bisa jago ngagunakeun pedang ku sabab latihan unggal poé. Rasul Paulus nyebutkeun yén Firman Allah téh ibarat pedang. Ieu téh pamasihan Yéhuwa. Tapi, urang kudu latihan sangkan tarampil ngagunakeunana pikeun ngabéla kapercayaan urang atawa ngarobah cara pikir urang. (2 Kor. 10:​4, 5; 2 Tim. 2:15) Urang diajar yén urang téh teu kudu sieun ka Sétan jeung roh-roh jahat. Mémang maranéhna téh karuat, tapi Yéhuwa mah jauh leuwih kuat. Maranéhna ogé moal aya salilana. Dina Pamaréntahan Sarébu Taun Kristus, maranéhna bakal dipanjarakeun jeung teu bisa nyilakakeun manusa. Sanggeus éta, maranéhna bakal dibinasakeun. (Wahyu 20:​1-3, 7-10) Urang apal ka musuh urang, jiret-jiretna, jeung tujuanana. Ku bantuan Yéhuwa, urang bisa pengkuh ngalawan manéhna! w18.05 25 ¶15; 26 ¶19-21

Minggu, 28 Juni

Ceuk oray, ”Teu kitu. Hamo matak paeh.”​—⁠Kaj. 3:⁠4.

Adam nyaho yén oray teu bisa ngomong. Jadi, waktu aya oray nu ngomong ka Hawa, Adam bisa jadi sadar yén nu ngomong téh mahluk roh. (Kaj. 3:​1-6) Adam jeung Hawa teu apal saha mahluk roh éta. Tapi, Adam milih ngabalad ka mahluk nu teu dikenal ieu jeung barontak ka Bapana di sawarga. (1 Tim. 2:14) Yéhuwa langsung ngajelaskeun yén musuh jahat ieu bakal dibinasakeun. Tapi, Yéhuwa ngélingan yén saacanna dibinasakeun, mahluk nu ngomong liwat oray éta bakal ngamusuh jalma-jalma nu mikanyaah Allah. (Kaj. 3:⁠15) Yéhuwa teu pernah nyebutkeun ngaran malaikat nu barontak ka Mantenna. Dua rébu lima ratus taun sanggeus kajadian di Éden, kakara Yéhuwa nyingkabkeun saha malaikat nu barontak éta.​—⁠Ayub 1:​6, NW. w18.05 15-16 ¶1-2

Senén, 29 Juni

Tahan hirup nepi ka bisa baruahan [”baruahan bari jeung sabar tawekal”, NW].​—⁠Luk. 8:​15.

Naha Sadérék pernah ngarasa leutik haté ku sabab jalma-jalma di daérah Sadérék teu daék ngadéngékeun warta Karajaan? Mun kitu, Sadérék pasti paham naon nu dirasakeun ku Rasul Paulus. Manéhna geus ngawawar kira-kira 30 taun, jeung ngabantu loba jalma jadi Kristen. (Ras. 14:21; 2 Kor. 3:​2, 3) Tapi, teu loba urang Yahudi, nu sabangsa jeung manéhna, nu bisa dibantu jadi Kristen. Kalolobaanana mah nampik pangwawaran Paulus, malahan nganiaya manéhna. (Ras. 14:19; 17:​1, 4, 5, 13) Kumaha parasaan Paulus? Ceuk manéhna, ”Sim kuring teh sedih kabina-bina, hate mani asa digerihan.” (Rum 9:​1-3) Ku naon manéhna ngarasa kitu? Ku sabab manéhna mikasuka pangwawaran jeung mikanyaah jalma-jalma. Paulus bener-bener nyaah ka urang Yahudi jeung ngarasa sedih waktu maranéhna nampik welas asih Allah. Saperti Paulus, urang ngawawar ku sabab nyaah jeung hayang ngabantu jalma-jalma.​—⁠ Mat. 22:39; 1 Kor. 11:⁠1. w18.05 4 ¶4-5

Salasa, 30 Juni

Ku kasusah mah jalma teh leungit kabagjaanana, tapi ku pangbeberah mah kasusahna paler.​—⁠Sil. 12:25.

Tina surat Paulus, urang nyaho yén jalma nu boga tanggung jawab pikeun negerkeun batur ogé perlu ditegerkeun. Manéhna nulis ka dulur-dulur saiman di Rum, ”Kacida hayangna papanggih jeung aranjeun teh, hayang ngaduum kurnia ti Roh Allah, pikeun nguatkeun kapercayaan aranjeun. Nu dipalar nya eta sangkan urang anu geus sakapercayaan bisa silih kuatkeun.” (Rum 1:​11, 12) Jadi sakapeung, Rasul Paulus ogé perlu ditegerkeun haténa. (Rum 15:​30-​32) Kiwari, urang bisa negerkeun jalma-jalma nu sapinuh waktu ngawula Yéhuwa. Saha deui nu kudu ditegerkeun haténa? Urang bisa negerkeun loba dulur saiman nu léngoh kénéh lantaran hayang taat ka Yéhuwa pikeun kawin jeung nu saiman. (1 Kor. 7:39) Urang Kristen nu tabah nyanghareupan kaniaya atawa panyakit ogé kudu ditegerkeun haténa.​—⁠2 Tes. 1:​3-5. w18.04 22 ¶3-5

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun