PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es20 kaca 67-77
  • Juli

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Juli
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2020
  • Subjudul
  • Rebo, 1 Juli
  • Kemis, 2 Juli
  • Jumaah, 3 Juli
  • Saptu, 4 Juli
  • Minggu, 5 Juli
  • Senén, 6 Juli
  • Salasa, 7 Juli
  • Rebo, 8 Juli
  • Kemis, 9 Juli
  • Jumaah, 10 Juli
  • Saptu, 11 Juli
  • Minggu, 12 Juli
  • Senén, 13 Juli
  • Salasa, 14 Juli
  • Rebo, 15 Juli
  • Kemis, 16 Juli
  • Jumaah, 17 Juli
  • Saptu, 18 Juli
  • Minggu, 19 Juli
  • Senén, 20 Juli
  • Salasa, 21 Juli
  • Rebo, 22 Juli
  • Kemis, 23 Juli
  • Jumaah, 24 Juli
  • Saptu, 25 Juli
  • Minggu, 26 Juli
  • Senén, 27 Juli
  • Salasa, 28 Juli
  • Rebo, 29 Juli
  • Kemis, 30 Juli
  • Jumaah, 31 Juli
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2020
es20 kaca 67-77

Juli

Rebo, 1 Juli

Sing awas kana pangersa Gusti.​—⁠Epe. 5:​17.

Urang hirup di jaman nu ”loba kasukeran”. (2 Tim. 3:⁠1) Saacan Yéhuwa ngancurkeun dunya jahat ieu jeung mawa katengtreman sajati ka ieu dunya, kaayaan bakal leuwih susah. Éta alesanana urang kudu ngalenyepan, ’Abdi kudu gumantung ka saha waktu butuh pitulung jeung bingbingan?’ Ti baheula, nu nulis Alkitab geus nyaho yén urang téh butuh bantuan Yéhuwa. (Jab. 123:​1-4) Manéhna nyebutkeun yén gumantung ka Yéhuwa téh saperti badéga nu gumantung ka juraganana. Saurang badéga gumantung, atawa ngandel, ka juraganana pikeun narima dahareun jeung panyalindungan. Tapi, manéhna gé kudu terus merhatikeun juraganana sangkan paham naon kahayangna tuluy éta dilampahkeun. Kitu ogé, urang kudu taliti diajar Alkitab unggal poé sangkan paham naon kahoyong Yéhuwa tuluy éta dilampahkeun. Ku kituna, urang bisa yakin yén urang kamanah ku Yéhuwa jeung bakal ditulungan. w18.07 9-10 ¶1-2

Kemis, 2 Juli

Lamun maraneh geus dibebaskeun ku Putra, enya-enya maraneh bebas.​—⁠Yoh. 8:⁠36.

Yésus keur ngomong ngeunaan kabébasan tina pangbudakan dosa, pangbudakan nu pangparahna pikeun manusa. Naon buktina urang téh badégana dosa? (Yoh. 8:34) Dosa ngalantarankeun urang ngalampahkeun nu salah. Dosa ogé ngahalangan urang dina ngalampahkeun nu panghadéna atawa nu bener. Tungtungna, urang jadi strés, susah haté, nalangsa, malahan maot. (Rum 6:23) Urang bisa miboga kabébasan sajati siga Adam jeung Hawa baheula lamun dosa geus bener-bener leungit. Yésus ngomong yén urang kudu ”tetep nyekel kana hal anu dicaturkeun ku [anjeunna]”. Jadi, aya hal-hal nu kudu dilampahkeun lamun urang hayang dibébaskeun ku Yésus. (Yoh. 8:​31, SF) Salaku urang Kristen nu geus ngabaktikeun diri, urang kudu ninggalkeun kapentingan pribadi sarta narimakeun watesan ti Yésus pikeun murid-muridna. (Mat. 16:24) Sakumaha jangji Yésus, urang bisa meunangkeun kabébasan sajati dina mangsa kahareup waktu narima sakabéh mangpaat tina korban tebusan Yésus. w18.04 7-8 ¶14-16

Jumaah, 3 Juli

Mung Gusti anu waspaos kana kereteging hate manusa.​—⁠2 Bab. 6:​30.

Yéhuwa mikirkeun parasaan umat-Na sanajan cara pikir maranéhna osok salah. Perhatikeun conto Yunus. Allah ngutus nabi ieu pikeun nepikeun warta hukuman ka urang Ninéwé. Waktu maranéhna tobat, Allah teu jadi ngabinasakeun maranéhna. Yunus kalah ka teu resepeun kana putusan ieu. Manéhna ”bendu” lantaran nubuatna teu laksana. Tapi, Yéhuwa sabar ka Yunus jeung ngalempengkeun cara pikirna. (Yun. 3:10–4:11) Ahirna, Yunus paham maksud Yéhuwa. Manéhna digunakeun ku Yéhuwa pikeun nyatet kisah ieu keur mangpaat urang. (Rum 15:⁠4) Nu dilakukeun Yéhuwa ka umat-Na ngayakinkeun urang yén Mantenna rasrasan ka urang. Mantenna apal kana kanyeri jeung kasangsaraan urang masing-masing. Mantenna paham kana pikiran jeung parasaan urang nu pangjerona sarta kakurangan urang. Mantenna gé ”moal ngantep [urang] meunang cocoba leuwih tina kakuatan”. (1 Kor. 10:13) Ieu kacida ngagedékeun haté urang! w19.03 16 ¶6-7

Saptu, 4 Juli

Kabeh mahluk eces nonggerak katingalieun. Ka Mantenna urang kabeh kudu nyanggakeun tanggung jawab kalakuan.​—⁠Ibr. 4:​13.

Dina Hukum Musa, kokolot nu dilantik teu ngan saukur ngurus hal-hal rohani tapi ogé pacékcokan jeung kajahatan. Perhatikeun sababaraha contona. Lamun aya urang Israil nu maéhan batur, manéhna teu langsung dihukum pati. Para kokolot kota mariksa heula kasusna saacan maranéhna nangtukeun éta jalma kudu dihukum pati atawa henteu. (Pam. 19:​2-7, 11-13) Para kokolot gé ngatur loba hal séjén dina kahirupan sapopoé, ti ngaréngsékeun masalah di masarakat nepi ka masalah perkawinan. (Bud. 21:35; Pam. 22:​13-19) Lamun kokolot adil jeung bangsa Israil taat kana Hukum, kabéh meunang mangpaat. Bangsa éta gé ngamulyakeun Yéhuwa. (Ima. 20:​7, 8; Yes. 48:​17, 18) Jadi, unggal hal dina kahirupan urang penting keur Yéhuwa. Mantenna miharep urang adil jeung nyaah ka batur. Mantenna gé merhatikeun ucapan jeung lalampahan urang, sanajan éta teu katingali ku batur. w19.02 23 ¶16-​18

Minggu, 5 Juli

Sakiat-kiat nangankeun anjeun, henteu embut lambe-lambe acan.—Yes. 53:⁠7.

Waktu keur strés, urang osok hésé lemah lembut. Urang bisa jadi judes jeung ngomongna kasar. Lamun Sadérék pernah strés, perhatikeun conto Yésus. Dina bulan-bulan panungtungan hirupna di bumi, Yésus ngalaman loba hal nu nyababkeun anjeunna strés. Anjeunna apal bakal dihukum pati jeung disiksa. (Yoh. 3:​14, 15; Gal. 3:13) Sababaraha bulan saacan pupus, anjeunna ngomong yén anjeunna téh kacida susahna. (Luk. 12:50) Sababaraha poé saacanna pupus, Yésus ngomong, ”Hate Kami asa lalewang.” Karasa pisan yén Yésus téh rendah haté jeung taat ka Allah waktu anjeunna ngadoa ngabudalkeun parasaanana ka Allah. (Yoh. 12:​27, 28) Ahirna, kalawan teger, Yésus nyerahkeun diri ka musuh-musuh Allah, nu teungteuingeun nyiksa jeung ngahina anjeunna nepi ka maot. Sanajan keur strés, keur sangsara, Yésus terus ngalampahkeun kahoyong Allah. Tangtuna Yésus téh tuladan panghadéna dina némbongkeun sipat lemah lembut waktu keur strés!​—⁠Yes 53:​10. w19.02 11 ¶14-​15

Senén, 6 Juli

Sing silih titenan, silih ajak nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah.​—⁠Ibr. 10:⁠24.

Supaya bisa rutin masamoan, bisa jadi urang kudu teger nyanghareupan kaayaan nu susah. Sababaraha dulur urang nu datang ka pasamoan téh keur sedih, leutik haté, atawa gering. Nu séjénna kudu wani datang ka pasamoan lantaran ditentang ku kulawargana atawa ku pamaréntah. Pék pikirkeun naon pangaruhna tuladan urang ka dulur saiman nu dipanjara lantaran imanna. (Ibr. 13:⁠3) Lamun ngadéngé urang tetep satia sanajan aya tangtangan, maranéhna bakal leuwih kuat imanna, leuwih teger, jeung terus satia. Waktu Paulus dipanjara di Rum, manéhna bungah ngadéngé dulur-dulur saimanna tetep satia ngawula Allah. (Pil. 1:​3-5, 12-14) Teu lila saacan atawa sanggeus dibébaskeun, Paulus nulis surat ka dulur-dulur di Ibrani. Dina suratna, manéhna ngajurung dulur-dulur nu satia éta pikeun ulah ngabaékeun pasamoan.​—⁠⁠Ibr. 10:​25. w19.01 28 ¶9

Salasa, 7 Juli

Saalam dunya dibawah kusi Jahat.​—⁠1 Yoh. 5:​19.

Sétan hayang urang barontak, nampik papakon Yéhuwa, sarta mentingkeun diri, siga manéhna. Sétan nempatkeun jalma-jalma nu geus diruksak ku manéhna di sakurilingeun urang, sangkan maranéhna ”ngaruksak” pikiran jeung lalampahan urang. (1 Kor. 15:33) Sétan ogé mangaruhan haté urang sangkan leuwih percaya ka hikmat manusa ti batan hikmat Allah. (Kol. 2:⁠8) Salah sahijina, Sétan ngajurung urang pikeun mikir yén jadi jalma beunghar téh nu pangpentingna dina hirup urang. Jalma nu boga pamikiran siga kitu bakal ngungudag duit. Aya nu jadi beunghar, aya ogé nu henteu, tapi maranéhna tetep meunang masalah. Ku naon? Lantaran maranéhna geus ngorbankeun kaséhatan, hubungan kulawarga, malahan sosobatan maranéhna jeung Allah. (1 Tim. 6:10) Untung urang mah dibantu ku Bapa urang nu di sawarga pikeun boga pandangan nu bener kana duit.—Pan. 7:12; Luk. 12:⁠15. w19.01 15-16 ¶6; 17 ¶9

Rebo, 8 Juli

Alus, maneh jalma hade, gumati. Maneh geus bisa dipercaya nyekel anu leuleutikan, ku kami rek dipercaya nyekel leuwih gede. Ayeuna urang suka-suka jeung kami!​—⁠Mat. 25:​21.

Saacan aya Yésus nu méré tuladan, hamba-hamba Yéhuwa di jaman baheula nyaho yén maranéhna kudu negerkeun haté batur. Misalna Hiskia. Basa urang Asur rék narajang Yérusalém, Hiskia ngumpulkeun rahayat jeung para perwira pikeun digedékeun haténa. Ngadéngé kekecapan Hiskia, ”rahayat taleger hatena”. (2 Bab. 32:​6-8) Sanajan dirina sorangan keur butuh ditegerkeun, Ayub ngajarkeun carana negerkeun batur. Ayub méré nyaho priya-priya nu rék ngalilipur manéhna yén kuduna mah maranéhna téh ngucapkeun hal-hal nu genah jeung méré bongbolongan, lainna nganyerikeun haté. (Ayub 16:​1-5) Ahirna, Ayub ditegerkeun haténa ku Élihu jeung Yéhuwa.—Ayub 33:​24, 25; 36:​1, 11; 42:​7, 10. w18.04 16 ¶6; 17 ¶8-9

Kemis, 9 Juli

Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas. Maneh ku Kami bakal diraksa.​—⁠Yes. 41:⁠10.

Saacanna, Yésaya geus ngajelaskeun kumaha Yéhuwa nyieun umat-Na jadi bedas, atawa jadi kuat. Ceuk Yésaya, ”PANGERAN Nu Maha Agung tereh sumping baris ngarajaan nyepeng kawasa.” (Yes. 40:10) Jadi, kekecapan Yéhuwa ieu ngingetkeun urang yén Yéhuwa téh Raja nu mahakawasa. Mantenna ngagunakeun kakuatan nu moal kaéléhkeun pikeun ngadukung jeung ngabéla hamba-hamba-Na di jaman baheula. Mantenna ogé bakal terus nguatkeun jeung ngajaga saha waé nu percaya ka Mantenna kiwari. (Pam. 1:​30, 31; Yes. 43:⁠10) Hususna waktu musuh nganiaya urang, Yéhuwa nedunan jangji-Na, ”Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas.” Kiwari di sababaraha bagian dunya, musuh-musuh terus ngupayakeun pikeun ngeureunkeun pangwawaran atawa ngalarang organisasi urang. Sanajan kitu, urang teu hariwang teuing. Yéhuwa geus ngajamin yén Mantenna bakal masihan kakuatan jeung kawani. Mantenna jangji, ”Satiap pakarang anu dipake narajang ka maneh, moal matak kua-kieu.”​—⁠Yes. 54:17. w19.01 5-6 ¶12-​13

Jumaah, 10 Juli

Bagja jelema-jelema anu salawasna ngaharep kana pitulung sarta pituduh Allah.​—⁠Mat. 5:​3, ”SF”.

Sato teu boga kabutuhan rohani, atawa teu hayang nyaho ka Nu Nyiptakeunana. Tapi, urang mah boga. (Mat. 4:⁠4) Lamun ngadéngékeun Allah, urang jadi boga pamahaman, hikmat, jeung kabagjaan. Allah masihan Alkitab sarta ngagunakeun ”gandek satia jeung bijaksana” pikeun nyadiakeun publikasi nu nguatkeun iman urang. (Mat. 24:45) Publikasi ieu disebut kadaharan rohani lantaran bisa nguatkeun iman sarta sosobatan urang jeung Yéhuwa. Urang bagja lantaran kadaharan rohani téh loba jumlahna jeung macemna! (Yes. 65:​13, 14) Kadaharan rohani bisa ngalantarankeun Sadérék jadi bijaksana jeung bisa mikir bener, nu ngalindungan Sadérék dina loba hal. (Sil. 2:​10-​14) Misalna, Sadérék bisa nyaho kana kabohongan, saperti Allah téh teu aya atawa duit jeung harta banda bisa ngabagjakeun Sadérék. Sadérék ogé bisa nampik kahayang jeung kabiasaan nu nyilakakeun. Ku kituna, upayakeun sangkan Sadérék jadi bijaksana jeung bisa mikir bener. w18.12 16-17 ¶6-7

Saptu, 11 Juli

Cara tatangkalan, umat Kamibakal paranjang umurna.—⁠Yes. 65:​21, 22.

Urang bakal panjang umur ”cara tatangkalan”. Aya sababaraha tangkal nu bisa hirup rébuan taun. Pikeun hirup panjang, manusa kudu boga awak nu bener-bener jagjag. Mun ditambah jeung kahirupan nu tengtrem sarta kaayaan nu éndah saperti nu dinubuatkeun ku Yésaya, éta pirdaus nu diimpi-impikeun ku urang! Ieu bakal jadi kanyataan! Jangji-jangji ieu némbongkeun yén dina mangsa kahareup bakal aya pirdaus. Sakuliah bumi bakal dipinuhan ku jalma-jalma nu diberkahan ku Allah. Moal aya nu bakal hariwang diserang ku sato atawa jalma jahat. Nu lolong, nu torék, nu lumpuh bakal calageur. Jalma-jalma bakal ngawangun imahna sorangan jeung melak kadaharanana sorangan. Umurna bakal leuwih panjang ti batan tatangkalan. Jadi, Alkitab geus méré bukti yén pirdaus nu siga kitu bakal aya deui. Tapi, sababaraha jalma nu diajak ngobrol ku urang bisa jadi ngomong yén nubuat ieu téh lain ngamaksudkeun pirdaus di bumi. Naon alesan Sadérék ngarepkeun pirdaus di bumi? Yésus, jalma nu pangagungna, méré alesan nu ngayakinkeun urang.​—⁠Luk. 23:43. w18.12 6 ¶13-​15

Minggu, 12 Juli

Ulah rek kabawakeun ku tabeat dunya.​—⁠Rum 12:​2, ”SF”.

Pikiran urang téh terus barobah. Nu paling gedé pangaruhna nyaéta naon nu dipikirkeun ku urang. Lamun ngalenyepan cara pikir Yéhuwa, urang bisa yakin yén cara pikir Mantenna pasti bener. Ku kituna, urang jadi hayang cara pikir urang sarua jeung Mantenna. Tapi supaya boga cara pikir Yéhuwa, tong ”kabawakeun ku tabeat dunya”. Ieu hartina ulah lalajo, maca, jeung ngadéngékeun hal-hal nu eusina papalingpang jeung cara pikir Allah. Ieu téh penting, ibaratna siga kieu: Jalma nu hayang leuwih séhat bisa jadi milih dahareun nu séhat. Tapi, sakabéh upayana cumah lamun manéhna ogé osok ngadahar dahareun nu geus haseum! Sarupa kitu, sakabéh upaya urang pikeun diajar cara pikir Yéhuwa bakal cumah lamun urang gé ngasupkeun cara pikir dunya ieu. w18.11 24-25 ¶14-​15

Senén, 13 Juli

Sing sayaga. Gunakeun kasatiaan ka Allah minangka sabuk nu mageuhan cangkeng.​—⁠Epe. 6:​14.

Kuatkeun tékad pikeun ngalarapkeun bebeneran dina kahirupan. Alkitab ngabandingkeun bebeneran jeung sabuk saurang prajurit. Dina jaman Alkitab, sabuk téh bisa ngalindungan prajurit waktu keur perang, tapi dipakéna kudu pageuh. Lamun logor, éta moal bisa ngalindungan. Kumaha sabuk bebeneran bisa ngalindungan urang? Lamun bebeneran Alkitab napel pageuh siga sabuk, éta bisa ngalindungan urang tina cara pikir nu salah jeung ngabantu urang nyieun putusan nu hadé. Waktu nyanghareupan masalah gedé atawa digoda pikeun ngalampahkeun nu salah, bebeneran Alkitab bakal nguatkeun tékad urang pikeun ngalampahkeun nu bener. Prajurit tangtu maké sabukna waktu keur perang, jadi urang gé moal pernah ninggalkeun bebeneran. Urang hayang ngalarapkeun bebeneran Alkitab dina sagala kagiatan urang. w18.11 13-14 ¶15

Salasa, 14 Juli

Pék beuli bebeneran sarta ulah dijual deui.​—⁠Sil. 23:​23, ”NW”.

Butuh upaya jeung kudu aya nu dikorbankeun pikeun ’meuli’, atawa diajar, bebeneran Alkitab. Sanggeus ’dibeuli’, bebeneran ”ulah dijual deui” atawa ditinggalkeun. Haratis téh lain hartina teu kudu méré nanaon. Dina basa Ibrani, kecap nu ditarjamahkeun jadi ”beuli” di Siloka 23:23 bisa ogé dihartikeun ”meunangkeun”. Dua kecap ieu nunjukkeun yén hiji jalma kudu nyieun upaya atawa pangorbanan pikeun meunangkeun hiji hal nu dianggap penting. Supaya paham kumaha urang bisa meuli bebeneran, bayangkeun di pasar aya nu ngabagikeun béas haratis. Naha urang ngarepkeun éta béas ujug-ujug aya di dapur? Henteu, urang kudu indit ka pasar jeung nyokot béasna. Sanajan teu kudu maké duit, urang kudu nyieun upaya pikeun meunangkeun éta béas. Sarupa kitu, urang teu perlu duit pikeun diajar bebeneran, tapi urang kudu nyieun upaya jeung pangorbanan. w18.11 4 ¶4-5

Rebo, 15 Juli

Raray-Na moncorong kawas panonpoe, anggoana-Na bodas hurung mancur.​—⁠Mat. 17:⁠2.

Yésus ngajak Pétrus, Yakobus, jeung Yohanes pikeun maturan anjeunna ka gunung. Di dinya, maranéhna nempo titingalian nu luar biasa. Raray Yésus caang ku cahya jeung pakéanana gugurilapan. Tuluy katémbong dua pribadi saperti Musa sarta Élias keur ngobrol jeung Yésus ngeunaan anjeunna nu bakal maot tur dihirupkeun deui. (Luk. 9:​29-32) Sanggeusna, aya méga turun mayungan maranéhna jeung kadéngé sora tina méga, éta téh sora Allah! Titingalian ieu nunjukkeun kamulyaan jeung kawasa Yésus sabagé Raja Karajaan Allah dina mangsa kahareup. Tangtu, Yésus jadi gedé haté jeung kuat pikeun nyanghareupan siksaan saacan maot. Titingalian éta gé nguatkeun iman murid-muridna. Maranéhna jadi siap nyanghareupan ujian kasatiaan jeung siap ngajalankeun loba tugas kahareupna. Kira-kira 30 taun sanggeusna, Rasul Pétrus nyebutkeun titingalian éta. Ieu ngabuktikeun yén manéhna masih inget pisan kana titingalian éta.—2 Pet. 1:​16-18. w19.03 10 ¶7-8

Kemis, 16 Juli

Simkuring sapara kanca teh enya-enya abdi Allah, . . . nyaturkeun kayaktian nurutkeun anu saenyana.​—⁠2 Kor. 6:​4, 7, ”SF”.

Naon nu ngabédakeun urang Kristen sajati jeung anggota agama palsu? Urang mah ”ngomong . . . anu saestuna”. (Jak. 8:​16, 17) Urang bakal ngomong jujur ka jalma nu teu wawuh, batur gawé, babaturan, jeung jalma nu dipikanyaah. Budak ngora, bisa jadi hidep hayang diaku ku babaturan. Tapi ulah jadi munapék, di hareupeun jeung di tukangeun téh béda. Lamun keur bareng jeung kulawarga atawa dulur saiman, api-api bageur, tapi lamun di média sosial atawa keur bareng jeung jalma nu teu ngawula Yéhuwa mah béda pisan. Ulah ngabohong ka kolot, ka dulur saiman, jeung ka Yéhuwa. (Jab. 26:​4, 5) Yéhuwa apal ka jalma nu hormatna ’ngan semet omonganana, tapi hatena mah jauh’ ti Mantenna. (Mar. 7:⁠6) Leuwih hadé lamun urang ngalampahkeun siloka ieu, ”Ulah sirik ku nu marigawe dosa, anggur sing ajrih ka PANGERAN.”—Sil. 23:17. w18.10 7 ¶14-​15

Jumaah, 17 Juli

Allah teh sipat asih. Jadi sing saha anu nyaahan, hirupna ngahiji jeung Allah, Allah oge ngahiji dina hirupna.​—⁠1 Yoh. 4:​16.

Umat Yéhuwa di sakuliah dunya téh hiji kulawarga. Maranéhna silih pikanyaah. (1 Yoh. 4:​ 21) Sakapeung, maranéhna nyieun pangorbanan gedé keur dulur saimanna, tapi seringna mah maranéhna nyieun kahadéan-kahadéan leutik liwat omongan jeung tindakan. Waktu urang perhatian ka batur, urang keur nyonto Bapa urang di sawarga. (Epe. 5:⁠1) Yésus nyonto Bapana kalawan sampurna. Anjeunna bageur ka batur. Ceuk anjeunna, ”Hiap datang ka Kami, sakur nu maropo jeung nu kalempohan sarta nu ngarasa beurat ku momotan, ku Kami rek direureuhkeun.” (Mat. 11:​28, 29) Lamun urang nyonto Yésus jeung ”sok tatalang ka nu walurat”, Yéhuwa bagja ningalina, urang gé bakal bagja. (Jab. 41:⁠2) Jadi, urang bisa némbongkeun asih ku cara mikirkeun parasaan jeung kaayaan anggota kulawarga, dulur saiman, sarta jalma-jalma nu diwawaran. w18.09 27-28 ¶1-2

Saptu, 18 Juli

Urang téh batur gawé Allah.​—⁠1 Kor. 3:​9, ”NW”.

Urang ogé bisa digawé bareng jeung Yéhuwa ku cara ngabantu dulur saiman nu ngalaman musibat. Misalna, urang bisa nyumbangkeun duit. (Yoh. 13:​34, 35; Ras. 11:​27-30) Cara séjénna nyaéta bebersih atawa ngoméan karuksakan. Gabriela, sadérék istri ti Polandia nu imahna ruksak lantaran banjir, bungah pisan waktu dulur saiman ti sidang-sidang tatangga daratang pikeun ngabantu. Waktu nyaritakeun pangalaman éta, manéhna teu ngomongkeun harta bandana nu leungit tapi berkah-berkah nu ditarima. Ceuk manéhna, ”Pangalaman ieu ngayakinkeun abdi yén jadi bagian ti sidang Kristen téh hak istiméwa nu teu aya bandingna. Ieu ogé sumber kabungah jeung kabagjaan.” Loba nu narima bantuan sanggeus musibat ngarasakeun hal nu sarua. Sadérék-sadérék nu digawé bareng jeung Yéhuwa pikeun ngabantu maranéhna ogé ngarasa bungah jeung puas.​—⁠Ras. 20:35; 2 Kor. 9:​6, 7. w18.08 25 ¶12

Minggu, 19 Juli

Jaga haté manéh.—Sil. 4:​23, ”NW”.

Supaya bisa ngajaga haté, urang kudu apal naon waé nu bisa ngaruksak haté tuluy geuwat nyieun tindakan pikeun ngalindungan diri. Kecap ”dijaga” ngingetkeun urang kana pagawéan saurang juru kemit atawa prajurit jaga. Dina jaman Raja Suléman, prajurit jaga nangtung di luhur bénténg kota jeung ngabéjaan lamun aya musuh nu rék nyerang. Tina gambaran ieu, urang jadi apal kudu kumaha sangkan Sétan henteu ngaruksak pikiran urang. Dina jaman baheula, prajurit jaga gawé babarengan jeung nu jaga lawang. (2 Sam. 18:​24-26) Maranéhna ngajaga kota ku cara nutup gerbang lamun aya musuh nu rék nyerang. (Neh. 7:​1-3) Haté sanubari nu geus dilatih ku Alkitab disaruakeun jeung prajurit jaga. Éta bisa ngélingan urang lamun Sétan rék nyerang haté urang, atawa lamun Sétan rék mangaruhan pikiran, parasaan, motif, atawa hasrat urang. Unggal diélingan ku haté sanubari lamun aya bahaya, urang saolah-olah kudu geuwat nutup gerbang, atawa nyingkahan bahaya. w19.01 17 ¶10-​11

Senén, 20 Juli

Lamun lulus kakara jenengkeun.​—⁠1 Tim. 3:​10.

Pandangan pribadi atawa kabiasaan di daérah urang ulah dijadikeun patokan tapi gunakeun patokan tina Firman Allah. (2 Tim. 3:​16, 17) Lamun para kokolot teu nuturkeun patokan Alkitab waktu rék ngusulkeun palayan sidang atawa kokolot, maranéhna ngahalang-halang sadérék nu geus nyumponan sarat. Di hiji nagri, aya palayan sidang nu alus dina ngajalankeun tugasna. Para kokolot satuju yén manéhna téh geus nyumponan sarat Alkitab pikeun jadi kokolot. Tapi, sababaraha kokolot ngomong yén manéhna téh kaciri ngora teuing pikeun jadi kokolot. Jadi, manéhna teu diusulkeun. Hanjakal pisan sadérék ieu teu dilantik lantaran rupa luarna. Sigana mah pamikiran ieu geus umum di loba nagri. Penting pisan pikeun ngandelkeun Alkitab ti batan pandangan pribadi atawa kabiasaan umum. Ku kituna, urang nuturkeun paréntah Yésus sangkan henteu ngukur batur tina rupa luarna.—Yoh. 7:⁠24. w18.08 14 ¶16-​17

Salasa, 21 Juli

Memeh ngajawab regepkeun heula. Lamun henteu kitu, tetela maneh teh bodo, celaeun.​—⁠Sil. 18:⁠13.

Aya bahaya séjénna lamun urang buru-buru neruskeun e-mail jeung SMS. Di sababaraha nagri, kagiatan urang diwatesan, aya ogé nu dilarang. Musuh urang di nagri-nagri éta osok nyebarkeun carita nu ngalantarankeun urang sieun atawa silih curiga. Ieu pernah kajadian di nagri nu baheulana disebut Uni Soviet. Pulisi rasiah, nu disebut KGB, nyebarkeun carita bohong yén sababaraha sadérék nu kasohor ngahianatan organisasi Yéhuwa. Hanjakalna loba nu percaya tuluy ninggalkeun organisasi. Mémang, ka dieunakeun loba nu balik deui, tapi aya nu teu pernah balik deui. Maranéhna percaya ka carita bohong nu ngaruntuhkeun iman. (1 Tim. 1:19) Kumaha supaya urang teu siga kitu? Ulah nyebarkeun carita bohong atawa carita nu can tangtu bener. Tong asal percaya. Pastikeun heula nu sabenerna. w18.08 5-6 ¶8

Rebo, 22 Juli

Sing percaya! Poe ieu maneh bakal reureujeungan jeung Kami diPirdus.​—⁠Luk. 23:⁠43.

Dina naskah Yunani kuno, tanda baca jarang dipaké. Jadi, bisa waé urang bingung: Naha maksud Yésus téh, ”Cek Kami, poe ieu keneh maneh bakal bareng jeung Kami di Pirdus” atawa ”Cek Kami poe ieu, maneh bakal bareng jeung Kami di Pirdus”? Pék inget kekecapan Yésus ka murid-muridna, ”Ari Anak Manusa, tilu poe tilu peuting bakal aya di jero kandungan bumi di jero taneuh.” (Mat. 12:40; 16:21; 17:​22, 23; Mar. 10:34; Ras. 10:​39, 40) Jadi, Yésus teu indit ka Pirdaus dina poé anjeunna jeung penjahat éta maot. Alkitab nyebutkeun yén Yésus aya ”di jero kuburan” salila tilu poé saacan Allah ngahirupkeun deui anjeunna. (Ras. 2:​31, 32) Basa Yésus ngomong ka penjahat éta ngeunaan Pirdaus, nu dimaksud ku anjeunna téh lain pirdaus di sawarga. Penjahat éta teu nyaho kana perjangjian Yésus jeung para rasul nu satia pikeun ngawasa di sawarga bareng anjeunna. (Luk. 22:29) Penjahat éta gé can dibaptis. (Yoh. 3:​3-6, 12) Jadi, basa Yésus nyieun jangji ka éta penjahat, tangtuna nu dimaksud téh pirdaus di bumi nu bakal diwujudkeun dina mangsa kahareup. w18.12 6-7 ¶17-​18; 8 ¶20-​21

Kemis, 23 Juli

Duka katarajang naon Juragan Musa . . . Ku margi kitu kuring sadaya pangdamelkeun hiji allah anu bakal mingpin.​—⁠Bud. 32:​1.

Urang Israil gancang pisan nyimpang tuluy nyembah sasapian emas! Maranéhna teu taat ka paréntah Yéhuwa, tapi ceuk pikiranana mah maranéhna masih di pihak Mantenna. Malahan, Harun nyebut ibadah ka sasapian éta téh ’pesta ngagungkeun Yehuwa’! Kumaha parasaan Yéhuwa? Mantenna ngarasa dihianatan. Mantenna nyarios ka Musa yén urang Israil geus ”marigawe dosa” sarta ninggalkeun ”pituduh laku” ti Mantenna. Sakitu ambekna Yéhuwa nepi ka mikir rék ngamusnakeun kabéh urang Israil. (Bud. 32:​5-10) Tapi, Yéhuwa téh Allah nu welas asih. Mantenna teu tulus ngamusnakeun sakabéh urang Israil. (Bud. 32:14) Sanajan Harun nu nyieun sasapian emas éta, manéhna tobat, tuluy saperti urang Léwi, manéhna milih mihak ka Yéhuwa. Rébuan jalma nu nyembah sasapian emas diparaéhan. Tapi, nu mihak ka Yéhuwa saralamet. Allah jangji bakal ngaberkahan maranéhna.—Bud. 32:​26-29. w18.07 18-19 ¶13-​16

Jumaah, 24 Juli

Sing arati-ati maraneh ka guru-guru agama Yahudi. Karesep maranehna . . . harayang pada ngabageakeun jeung pada ngahormat di pasar-pasar. . . . Di nu hajat-hajat marilih tempat anu utama.​—⁠Luk. 20:⁠46

Supaya diaku ku batur, jalma-jalma ngupayakeun pikeun sakola luhur, suksés dina bisnis, atawa jadi kasohor. Tapi, Rasul Paulus ngajelaskeun, ”Ari geus tarerang ka Allah—atawa: Allah anu kenal ka aranjeun—ku naon rek baralik ngawula deui ka roh-roh ieu dunya anu teu aya dayana? Naha make daek dijadikeun badega ku roh-roh ieu dunya?” (Gal. 4:⁠9) Bayangkeun, urang bisa dikenal ku Allah, Pangawasa Pangluhurna sajagat raya! Mantenna nyaah jeung apal pisan ka diri urang. Mantenna ogé hoyong nyobat jeung urang. Sabenerna, éta tujuan Mantenna nyiptakeun urang.—Pan. 12:​13, 14. w18.07 3-4 ¶3-4

Saptu, 25 Juli

Abdi . . . sok ngaji aturan-aturan Gusti.—Jab. 119:⁠99.

Sangkan hukum Allah aya mangpaatna, urang kudu mikaresep jeung ngajénan hukum Allah. (Amos 5:15) Tapi, kumaha carana? Urang kudu diajar pikeun boga cara pikir Yéhuwa. Ibaratna siga kieu: Urang sering hésé saré, tuluy dokter ngabéjaan sangkan urang ngadahar dahareun nu séhat, leuwih loba olahraga, sarta nyieun parobahan séjénna. Waktu saranna dituturkeun, hasilna téh alus! Kumaha parasaan urang kana saran dokter éta? Kitu ogé, Nu Nyiptakeun urang masihan hukum sangkan hirup urang leuwih hadé sarta dijauhkeun tina balukar dosa. Misalna, Alkitab ngajarkeun sangkan urang ulah ngabohong, nipu, puak-paok, cabul, telenges, atawa ngalampahkeun hal-hal nu aya patalina jeung roh-roh jahat. (Sil. 6:​16-19; Wahyu 21:⁠8) Waktu ngarasakeun mangpaatna taat ka Yéhuwa, urang jadi beuki nyaah ka Mantenna jeung beuki resep kana hukum-hukum-Na. w18.06 16 ¶5-6

Minggu, 26 Juli

Anjeun teh Raja urang Yahudi?​—⁠Yoh. 18:⁠33.

Pilatus sieun Yésus bakal mangaruhan jalma-jalma pikeun barontak ka pamaréntah Rum. Tapi Yésus ngajawab, ”Karajaan Kaula sanes ti dunya ieu.” (Yoh. 18:36) Yésus embung pipilueun dina urusan pulitik ku sabab Karajaan anjeunna aya di sawarga. Anjeunna ngomong yén tugasna di bumi téh nyaéta ”ngawurukkeun hal kaestuan”. (Yoh. 18:37) Yésus paham kana tugasna. Lamun urang paham kana tugas urang, urang moal ngadukung kelompok pulitik mana waé, kaasup dina haté urang. Ieu teu salilana gampang. Saurang pangawas wilayah nyebutkeun yén jalma-jalma di daérahna jadi beuki ékstrim. Jalma-jalma nyombongkeun nagarana sarta yakin kahirupanana bakal leuwih alus lamun maranéhna sorangan nu maréntah. Manéhna ogé ngomong, ”Hadéna, sadérék-sadérék ngajaga kasatunggalan Kristen ku cara getol ngawawarkeun warta hadé Karajaan. Maranéhna ngandelkeun Allah pikeun ngabéréskeun kateuadilan jeung masalah nu keur disanghareupan.” w18.06 5-6 ¶6-7

Senén, 27 Juli

Iblis kudu dilawan, tangtu kabur ti aranjeun.​—⁠Yak. 4:⁠7.

Kitab-Kitab Ibrani ngan nyebutkeun Sétan di tilu buku, nyaéta di 1 Babad, Ayub, jeung Jakaria. Ku naon ngan aya saeutik katerangan ngeunaan musuh ieu saacan Mésias datang? Dina Kitab-Kitab Ibrani, Yéhuwa teu ngasupkeun loba rincian ngeunaan Sétan jeung lalampahanana. Ieu lantaran Kitab-Kitab Ibrani ditulis supaya jalma-jalma nyaho saha Mésias tuluy jadi muridna. (Luk. 24:44; Gal. 3:24) Waktu Mésias datang, Yéhuwa ngagunakeun anjeunna jeung murid-muridna pikeun nyingkabkeun leuwih loba ngeunaan Sétan jeung baladna. Ieu cocog lantaran Yésus jeung kaom diistrénan bakal digunakeun Yéhuwa pikeun ngabinasakeun Sétan jeung baladna. (Rum 16:20; Wahyu 17:14; 20:⁠10) Inget, kawasa Sétan kawates. Urang dijaga ku Yéhuwa, Yésus, jeung para malaikat nu satia. Ku bantuan éta, urang bisa ngalawan musuh urang. w18.05 15-16 ¶2-4

Salasa, 28 Juli

Unggal dahan Kami anu teu daekeun buahan ku Mantenna ditilas.​—⁠Yoh. 15:⁠2.

Urang bisa jadi hamba Yéhuwa lamun urang buahan. (Mat. 13:23; 21:43) Jadi dina misil nu dicatet di Yohanes 15:​1-5, buahan téh lain hartina ngajadikeun murid anyar. (Mat. 28:19) Aya Saksi-Saksi nu satia nu teu pernah ngajadikeun murid lantaran euweuh nu minat. Naha éta hartina maranéhna téh siga dahan nu teu buahan? Henteu! Urang teu bisa maksa jalma jadi murid Yésus. Yéhuwa téh Allah nu nyaahan. Mantenna moal masihan paréntah nu teu bisa dijalankeun ku urang. Paréntah-Na pasti bisa dilampahkeun. (Pam. 30:​11-14) Mun kitu, naon hartina buahan téh? Ieu pasti nu bisa dijalankeun ku urang kabéh. Tugas naon nu dipasihan Yéhuwa ka urang? Nguarkeun warta hadé Karajaan Allah.​—⁠Mat. 24:14. w18.05 5 ¶8-9

Rebo, 29 Juli

Maraneh teh anak Iblis, . . . tukang bohong, bapana sagala bohong.​—⁠Yoh. 8:​44.

Kiwari, aya loba pamingpin agama. Maranéhna disebut pastur, imam, jeung gelar-gelar séjénna. Siga urang Parisi, maranéhna teu ngajarkeun bebeneran tina Firman Allah, tapi ”hal Allah anu sayaktina diganti ku hal anu bohong”. (Rum 1:​18, 25) Sababaraha kabohonganana téh nyaéta ”sakali salamet tetep salamet”, jiwa manusa teu bisa maot, réinkarnasi, sarta Allah ngidinan homoséksualitas tur perkawinan jeung nu sajinis. Para pamingpin pulitik ogé osok ngabohong pikeun nipu jalma-jalma. Sakeudeung deui, bakal aya kabohongan gedé ti para pamingpin pulitik, nyaéta maranéhna bakal mawa ’kaayaan tenang jeung aman’ di dunya ieu. Tapi, ”kacilakaan ujug-ujug datang narajang ka maranehna”. Jadi, ulah percaya ka maranéhna nu ngomong yén kaayaan dunya ieu bakal leuwih hadé. Urang ”apal pisan yén poéna Yéhuwa bakal datang cara bangsat nu datangna peuting-peuting”.—1 Tes. 5:​1-4, NW. w18.10 4-5 ¶6-8

Kemis, 30 Juli

Kudu nalang ka nu walurat, ngingetkeun pilahir Gusti Yesus anu kieu, ’Leuwih bagja mere ti batan nampa.’​—⁠Ras 20:⁠35.

Urang babari sedih jeung leutik haté lantaran hirup dina jaman nu pinuh kasusahan. Yésus Kristus ngagunakeun kaom nu diistrénan sarta ”pamingpin-pamingpin” ti domba-domba lian pikeun negerkeun urang. Para kokolot sidang ieu ’moal maksa naon anu kudu dipercaya’ ku urang sarta ”seja sabilulungan”. Maranéhna hayang urang bagja jeung tetep satia. (Yes. 32:​1, 2; 2 Kor. 1:⁠24) Kokolot bisa nyonto Rasul Paulus nu terus negerkeun dulur-dulurna. Manéhna nulis surat ka urang Kristen di Tésalonika nu keur dikaniaya, ”Ku nyaah-nyaahna ka aranjeun, sumawonna eta Injil Kasalametan, nyawa oge moal dikoretkeun. Nepi ka kitu kanyaah ka aranjeun teh!” (1 Tes. 2:⁠8) Paulus ngomong ka para kokolot saperti dina ayat poe ieu. Kekecapan kokolot bisa negerkeun jalma-jalma nu ngadéngékeunana. w18.04 22-23 ¶6-8

Jumaah, 31 Juli

”Pangeran” anu disebut dina eta ayat teh nya eta Roh; di mana aya Roh Pangeran, aya kamerdekaan.​—⁠2 Kor. 3:​17.

Sangkan bisa narima kabébasan ieu, urang kudu malik mayun ka Yéhuwa. Ieu hartina urang kudu boga hubungan nu raket jeung Mantenna. (2 Kor. 3:​16) Cara pikir bangsa Israil di gurun keusik henteu siga cara pikir Yéhuwa. Haté jeung pikiran maranéhna saolah-olah ditutupan ku cindung. Maranéhna ngagunakeun kabébasanana pikeun muaskeun kahayangna sorangan. (Ibr. 3:​8-10) Kabébasan nu dihasilkeun ku roh Yéhuwa teu ngan saukur bébas ti pangbudakan. Roh éta bisa mawa kabébasan nu teu bisa diwujudkeun manusa, nyaéta kabébasan tina pangbudakan dosa jeung maot sarta pangbudakan agama palsu jeung kabiasaanana. (Rum 6:23; 8:⁠2) Ieu téh kabébasan nu luar biasa! Malahan badéga atawa jalma nu di panjara ogé bisa miboga kabébasan ieu.​—⁠Kaj. 39:​20-23. w18.04 10 ¶3-5

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun