Agustus
Saptu, 1 Agustus
Allah mah geus nembongkeun asih-Na ka urang. Kristus pupus ngaganti urang sajeroning urang keur hirup keneh dina dosa.—Rum 5:8.
Di pasamoan, urang terus diingetkeun kana naon nu geus dilampahkeun ku Yéhuwa jeung Yésus. Urang nu ngahargaan pisan tebusan hayang nyonto Yésus dina kahirupan sapopoé. (2 Kor. 5:14, 15) Salian ti éta, urang kageuing pikeun muji Yéhuwa lantaran geus nyadiakeun tebusan. Salah sahiji cara urang muji Mantenna nyaéta méré koméntar nu sapinuh haté di pasamoan. Urang bisa némbongkeun sakumaha gedé kanyaah urang ka Yéhuwa jeung Putra-Na ku cara réla nyieun pangorbanan keur Aranjeunna. Seringna, urang kudu nyieun rupa-rupa pangorbanan supaya bisa masamoan. Loba sidang ngayakeun pasamoan sanggeus jalma-jalma baralik gawé jeung geus cararapé. Pasamoan séjénna diayakeun di ahir minggu pas batur keur istirahat. Naha Yéhuwa merhatikeun yén urang tetep datang ka pasamoan sanajan capé? Tangtu! Yéhuwa ningali jeung ngahargaan kabéh upaya urang pikeun datang ka pasamoan.—Mar. 12:41-44. w19.01 29 ¶12-13
Minggu, 2 Agustus
Barang Isa ningali eta randa, manah-Na ngahelas.—Luk. 7:13.
Yésus ngalaman sorangan tangtangan nu disanghareupan ku jalma-jalma. Misalna, Yésus digedékeun di kulawarga nu miskin. Lantaran digawé jeung Yusup, bapa angkatna, Yésus diajar gawé beurat. (Mat. 13:55; Mar. 6:3) Sigana mah Yusup maot sababaraha waktu saacan Yésus ngamimitian palayananana. Jadi, Yésus nyaho peurihna ditinggal maot ku nu dipikanyaah. Yésus ogé apal kumaha rasana aya anggota kulawarga nu teu sakapercayaan. (Yoh. 7:5) Lantaran ngalaman kaayaan-kaayaan éta, Yésus jadi paham tangtangan jeung parasaan jalma biasa. Perhatian Yésus hususna katingali waktu anjeunna nyieun mujijat. Yésus nyieun mujijat lain saukur keur kawajiban. Tapi, anjeunna ”ngahelas manah-Na” waktu ningali nu keur sangsara. (Mat. 20:29-34, SF; Mar. 1:40-42) Yésus ngarasakeun kasusah maranéhna jeung hayang nulungan.—Mar. 7:32-35; Luk. 7:12-15. w19.03 16 ¶10-11
Senén, 3 Agustus
Kudu daek silih eledan.—Kol. 3:13.
Bayangkeun sakumaha strésna Yésus dina peuting saacan anjeunna pupus. Naha anjeunna bakal tetep satia nepi ka maot? Mun teu satia, moal aya manusa nu boga harepan hirup langgeng. (Rum 5:18, 19) Nu leuwih penting, nami Bapana ogé kapangaruhan. (Ayub 2:4) Tapi, waktu keur dahar bareng jeung sobat-sobatna, nyaéta para rasul, maranéhna kalah ka ”parebut omong” ngeunaan ”murid anu mana anu bisa dianggap pangpunjulna”. Hébatna, Yésus teu jéngkél. Anjeunna tetep kalem. Ku cara nu bageur tapi tegas, Yésus ngajelaskeun deui sikep nu sakuduna ditémbongkeun ku maranéhna. Tuluy, anjeunna muji maranéhna lantaran geus satia ngabaturan anjeunna. (Luk. 22:24-28; Yoh. 13:1-5, 12-15) Urang bisa nyonto Yésus jeung tetep lemah lembut sanajan keur strés lamun inget yén omongan jeung lalampahan urang kabéh bisa ngajéngkélkeun batur. (Sil. 12:18; Yak. 3:2, 5) Upayakeun ogé pikeun muji kahadéan batur.—Epe. 4:29. w19.02 11-12 ¶16-17
Salasa, 4 Agustus
Karajaan Gusti napak dina kaestuan sareng kaadilan.—Jab. 89:15.
Hukum Musa ngatur sangkan hiji jalma teu gampang dipitnah ngalakukeun kajahatan. Nu dituduhna gé boga hak pikeun nyaho saha nu nuduhna. (Pam. 19:16-19; 25:1) Sarta, saacan manéhna dinyatakeun salah, sahenteuna kudu aya dua saksi nu méré bukti. (Pam. 17:6; 19:15) Kumaha lamun aya urang Israil nu nyieun kajahatan tapi saksina ngan hiji? Éta lain hartina manéhna bébas tina hukuman. Yéhuwa ningali. Yéhuwa tuladan nu sampurna. Mantenna teu pernah teu adil. Mantenna masihan ganjaran ka jalma nu nuturkeun papakon-Na, tapi ngahukum jalma nu nyalahgunakeun wewenangna. (2 Sam. 22:21-23; Yeh. 9:9, 10) Sababaraha jalma jahat katingalina lolos tina hukuman, tapi lamun Yéhuwa nganggap geus waktuna, Mantenna bakal ngahakiman éta jalma. (Sil. 28:13) Lamun teu tobat, manéhna bakal nyaho benerna kekecapan ieu, ”Pikumahaeun teuing jelema anu dicerek ku panangan Allah anu jumeneng!”—Ibr. 10:30, 31. w19.02 23-24 ¶20-21
Rebo, 5 Agustus
Di Israil tacan aya nabi anu saperti Musa, anu dicandak sasauran papayun-payun ku PANGERAN.—Pam. 34:10.
Waktu butuh bingbingan, Musa gumantung ka Yéhuwa. Alkitab nyebutkeun yén manéhna tetep pengkuh ”lir anu geus ningali ka Allah”. (Ibr. 11:24-27) Kurang ti dua bulan sanggeus urang Israil kaluar ti Mesir, méméh nepi ka Gunung Sinai, aya masalah gedé. Jalma-jalma kukulutus lantaran euweuh cai. Maranéhna gegelendeng ngalawan Musa bari ambek-ambekan nepi ka ”Musa sasambat ka PANGERAN, ’Kumaha pipetaeun abdi ka eta jalmi-jalmi? Sakedap deui ge moal teu maledogan ku batu ka abdi.’” (Bud. 17:4) Yéhuwa masihan pituduh nu jéntré pikeun nyokot iteukna tuluy neunggeul batu cadas di Gunung Sinai. Alkitab nyebutkeun, ”Ku Musa dilampahkeun, disaksian ku para pamingpin Israil.” Caina bijil, urang Israil bisa nginum, masalahna bérés.—Bud. 17:5, 6. w18.07 10 ¶4-5
Kemis, 6 Agustus
Kanyaah mah ngawangun.—1 Kor. 8:1.
Yéhuwa nunjukkeun kanyaah-Na ku cara ngagunakeun sidang pikeun nguatkeun urang. Waktu urang mikanyaah dulur saiman, urang ngabuktikeun kanyaah urang ka Yéhuwa. Urang sabisa-bisa ngabantu dulur saiman ngarasa dihargaan jeung dipikanyaah ku Yéhuwa. (1 Yoh. 4:19-21) Rasul Paulus nulis, ”Heug sing terus cara ayeuna, silih tegeran, silih tulungan jeung batur.” (1 Tes. 5:11) Ieu lain ngan tugas kokolot. Urang kabéh bisa nyonto Yéhuwa jeung Yésus ku cara ngalilipur dulur saiman. (Rum 15:1, 2) Sababaraha sadérék nu keuna déprési bisa jadi butuh pangobatan jeung dokter. (Luk. 5:31) Kokolot jeung anggota sidang nyaho yén sanajan maranéhna lain dokter, bantuan jeung panglilipur maranéhna penting pisan. Kabéh bisa ’ngalilipur nu geus pegat pangharepan, negerkeun hatena, ngabelaan nu lemah, jeung sabar’.—1 Tes. 5:14, SF. w18.09 11-12 ¶10-11
Jumaah, 7 Agustus
Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon!—Yes. 41:10.
Urang bisa nguatkeun kayakinan urang ka Yéhuwa ku cara leuwih kenal ka Mantenna. Hiji-hijina cara pikeun leuwih kenal ka Mantenna nyaéta maca Alkitab kalawan taliti bari dilenyepan. Dina Alkitab, aya catetan nu bisa dipercaya ngeunaan cara Yéhuwa ngalindungan umat-Na di jaman baheula. Catetan éta ngayakinkeun urang yén Mantenna bakal ngajaga urang ayeuna. Yésaya ngagunakeun kekecapan nu éndah pikeun ngagambarkeun cara Yéhuwa ngalindungan urang. Yéhuwa disaruakeun jeung pangangon, hamba-Na disaruakeun jeung domba. Yésaya ngomong ngeunaan Yéhuwa, ”Dombana dikumpulkeun, anu laleutik keneh dipangku.” (Yes. 40:11) Lamun urang ngarasa dikeukeupan ku panangan Yéhuwa nu kuat, urang bakal ngarasa aman jeung tengtrem. Supaya Sadérék bisa tetep tenang teu sual naon nu keur disanghareupan, pék lenyepan ayat poé ieu. Ayat ieu bakal nguatkeun Sadérék pikeun nyanghareupan tangtangan nu bakal datang. w19.01 7 ¶17-18
Saptu, 8 Agustus
Kacida resepna abdi ngalampahkeun pangersa Gusti, nun Allah.—Jab. 40:9.
Naha hidep boga cita-cita nu rék dihontal? Bisa jadi hidep hayang maca Alkitab unggal poé atawa méré koméntar atawa nepikeun pancén nu leuwih hadé di pasamoan. Bisa ogé hidep hayang leuwih tarampil ngagunakeun Alkitab dina dines. Kumaha parasaan hidep waktu merhatikeun yén hidep téh geus aya kamajuan atawa aya nu muji hidep? Bisa jadi hidep ngarasa bungah pisan. Éta téh alus! Naon sababna? Lantaran hidep geus ngalampahkeun kahoyong Allah, sakumaha Yésus. (Sil. 27:11) Lamun hidep ngutamakeun palayanan ka Yéhuwa, hidep keur ngajalankeun pagawéan nu matak bagja jeung méré tujuan hirup. Paulus méré naséhat, ”Kudu teger jeung pengkuh, kudu garetol, rajin ngalakonan kawajiban pikeun Gusti. Sabab aranjeun nyaho yen sakur lampah aranjeun pikeun Gusti moal aya anu mubadir.” (1 Kor. 15:58) Tapi, jalma nu ngudag cita-cita di dunya ieu, saperti néangan loba duit atawa hayang jadi kasohor, teu bener-bener bagja. Sanajan maranéhna geus suksés, haténa mah hampa.—Luk. 9:25. w18.12 18 ¶12-13
Minggu, 9 Agustus
Nu balener bakal kawaris tanah pusaka.—Jab. 37:29.
Nu dimaksud ku Daud téh mangsana sakabéh jalma di dunya bakal taat kana prinsip-prinsip Allah nu bener. (2 Pet. 3:13) Nubuat di Yesaya 65:22 nyebutkeun, ”Cara tatangkalan, umat Kami bakal paranjang umurna.” Ieu némbongkeun yén jalma-jalma nu ngawula Yéhuwa di dunya anyar umurna bakal rébuan taun. Numutkeun Wahyu 21:1-4, Allah bakal ngaberkahan umat manusa, jeung salah sahiji berkahna téh nyaéta ”paeh . . . moal aya-aya deui”. Adam jeung Hawa kaleungitan hak istiméwa pikeun hirup salalanggengna di Pirdaus. Tapi, bumi ieu bakal jadi pirdaus deui. Sakumaha jangji-Na, Allah bakal ngaberkahan jalma-jalma di bumi. Daud ngomong yén jalma nu lembut haté jeung nu balener bakal ngawaris bumi sarta hirup di dinya salilana. (Jab. 37:11) Ku ayana nubuat-nubuat dina buku Yesaya, urang jadi ngarep-ngarep mangsana urang hirup di bumi pirdaus nu éndah. (Yes. 11:6-9; 35:5-10; 65:21-23) Iraha éta laksana? Waktu jangji Yésus ka éta penjahat ngawujud. (Luk. 23:43) Sadérék ogé bisa hirup di Pirdaus éta. w18.12 8 ¶22-23
Senén, 10 Agustus
Anu nangtukeun watek hirup teh nya pikiran tea.—Sil. 4:23.
Naha urang bisa nyingkahan sakabéh cara pikir dunya? Henteu. Urang masih bisa keuna ku sababaraha cara pikirna lantaran urang masih kénéh hirup di dunya. (1 Kor. 5:9, 10) Malahan waktu keur ngawawar, urang ngadéngé carita jalma-jalma ngeunaan pamikiran jeung kapercayaan nu salah. Tapi, sanajan urang teu bisa nyingkahan éta sama sakali, éta ulah nepi ka terus dipikiran jeung ditarima ku urang. Saperti Yésus, urang kudu geuwat nampik cara pikir nu asalna ti Sétan. Urang gé bisa ngalindungan diri ku cara sabisa-bisa nyingkahan cara pikir dunya. Misalna, urang kudu ati-ati milih babaturan. Alkitab mépélingan, lamun urang nyobat jeung nu teu ngawula Yéhuwa, cara pikir urang bisa siga maranéhna. (Sil. 13:20; 1 Kor. 15:12, 32, 33) Urang gé nampik hiburan nu eusina téh téori évolusi, katelengesan, jeung lampah cabul. Ku kituna, pikiran urang moal karacunan ku hal-hal nu ”ngahalangan kanyaho ka Allah”.—2 Kor. 10:5. w18.11 25 ¶16-17
Salasa, 11 Agustus
Abdi bakal nuturkeun jalan bebeneran ti Ama.—Jab. 86:11, ”NW”.
Kumaha sangkan tékad urang leuwih kuat pikeun nuturkeun jalan bebeneran? Salah sahiji carana nyaéta sering ngajarkeun bebeneran ka batur. Alkitab téh ibarat pedang. Prajurit nu geus jago bakal nyekel pageuh pedangna. Kitu ogé, urang kudu nyekel pageuh Firman Allah. (Epe. 6:17) Urang kabéh bisa jadi guru nu leuwih hadé sarta ’bener dina ngajarkeun amanat kayaktian Allah’. (2 Tim. 2:15) Waktu ngagunakeun Alkitab pikeun ngajar batur, urang jadi beuki paham jeung leuwih nyaah kana bebeneran. Tékad urang pikeun nuturkeun bebeneran gé jadi leuwih kuat. Bebeneran téh kurnia nu istiméwa ti Yéhuwa. Ku lantaran éta, urang bisa boga hubungan nu raket jeung Bapa nu di sawarga, hal nu paling istiméwa pikeun urang. Loba nu geus diajarkeun ku Yéhuwa ka urang, tapi ieu kakara mimitina! Mantenna jangji bakal ngajar urang salilana. Jadi, pék hargaan bebeneran saperti Sadérék ngahargaan mutiara nu alus. Terus ”beuli bebeneran sarta ulah dijual deui”.—Sil. 23:23. w18.11 9-10 ¶2; 13-14 ¶15-17
Rebo, 12 Agustus
Enoh sok ngelingan ka eta nu daroraka.—2 Pet. 2:5.
Saacan Caah Gedé, warta nu diwawarkeun ku Nuh tangtu kaasup pépéling ngeunaan kabinasaan nu bakal datang. Ieu téh lantaran Yésus ngomong, ”Memeh aya caah gede, jelema-jelema gawena nyatu, nginum, kawin, kitu bae nepi ka waktuna Enoh lebet kana kapal. Tapi jelema-jelema teh teu arengeuheun aya kajadian naon, nyaho-nyaho geus ger caah. Kaayaan dina waktu pisumpingeunana Putra Manusa oge bakal kitu.” (Mat. 24:38, 39) Loba jalma teu ngabandungan, tapi Nuh tetep satia dina nepikeun pépéling ti Yéhuwa. Kiwari, urang ngawawarkeun warta Karajaan sangkan jalma-jalma boga kasempetan pikeun diajar kahoyong Allah keur manusa dina mangsa kahareup. Saperti Yéhuwa, urang hayang jalma-jalma ngabandungan warta ieu ”sangkan bisa hirup”. (Yeh. 18:23) Waktu ngawawar ti imah ka imah jeung di tempat umum, urang mépélingan saloba-lobana jalma yén Karajaan Allah bakal datang pikeun ngabinasakeun dunya nu jahat.—Yeh. 3:18, 19; Dan. 2:44; Wahyu 14:6, 7. w18.05 11 ¶8-9
Kemis, 13 Agustus
Lamun maneh nyarita nu saenyana, kaadilan baris jalan.—Sil. 12:17.
Sadérék kudu kumaha lamun kagiatan urang dilarang, Sadérék ditéwak, tuluy ditanya-tanya ngeunaan dulur saiman? Naha Sadérék kudu ngabéjaan sagalana? Naon nu dilakukeun ku Yésus waktu gupernur Rum tatanya ka anjeunna? Yésus ngalarapkeun prinsip Alkitab nu nyebutkeun, ”Aya waktuna ngajejempe, aya waktuna nyarita.” Sakapeung, anjeunna teu ngomong nanaon! (Pan. 3:1, 7; Mat. 27:11-14) Lamun urang aya dina kaayaan sarupa kitu, urang kudu bijaksana jeung ati-ati supaya teu nyilakakeun dulur saiman. (Sil. 10:19; 11:12) Kumaha lamun Sadérék nyaho aya sobat atawa baraya Sadérék nu ngalampahkeun dosa gedé? ’Caritakeun nu saenyana.’ Sadérék boga tanggung jawab pikeun nyaritakeun nu sabenerna, ulah aya nu disumput-sumputkeun. Kokolot boga hak pikeun nyaho nu sabenerna supaya maranéhna bisa mulihkeun hubungan jalma éta jeung Yéhuwa.—Yak. 5:14, 15. w18.10 7-8 ¶17-18
Jumaah, 14 Agustus
Heug sing terus . . . silih tegeran, silih tulungan jeung batur.—1 Tes. 5:11.
Kumaha urang bisa nguatkeun batur? Salah sahiji carana nyaéta ngaregepkeun carita batur. (Yak. 1:19) Urang némbongkeun kanyaah lamun rasrasan waktu ngadéngékeun carita batur. Ku cara nu bijaksana, Sadérék bisa méré pananya sangkan ngarti kumaha parasaanana. Buktikeun yén Sadérék téh bener-bener perhatian, témbongkeun éta dina raray Sadérék. Waktu manéhna keur nyarita, sing sabar, ulah motong caritana. Lamun éta dilakukeun, Sadérék bisa leuwih paham kana parasaanana, manéhna ogé bakal percaya ka Sadérék. Ku kituna, manéhna bisa leuwih ngadéngékeun omongan Sadérék waktu Sadérék rék ngabantu manéhna. Lamun Sadérék bener-bener nyaah ka batur, batur bakal kalilipur. w18.09 11 ¶10; 12 ¶13
Saptu, 15 Agustus
Pék beuli bebeneran.—Sil.23:23, ”NW”.
Butuh waktu pikeun ngadéngékeun warta Karajaan, maca Alkitab jeung publikasi Alkitab, diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa, nyiapkeun bahan pasamoan, jeung datang ka pasamoan. Pikeun ngalampahkeun éta kabéh, urang kudu ngagunakeun waktu nu sabenerna bisa digunakeun keur kagiatan séjén nu teu pati penting. (Epe. 5:15, 16) Sabaraha lobana waktu nu dibutuhkeun pikeun diajar bebeneran dasar Alkitab? Unggal jalma béda-béda. Diajar ngeunaan hikmat, cara pikir, sarta naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa téh euweuh watesna. (Rum 11:33) Majalah Watch Tower édisi nu mimiti nyaruakeun bebeneran jeung ”kembang leutik” nu éndah. Di dinya disebutkeun, ”Ulah ngarasa cukup meunangkeun hiji kembang bebeneran. Lamun hiji kembang bebeneran geus cukup, Allah moal nyadiakeun sakitu lobana bebeneran. Terus kumpulkeun, téangan sing loba.” Sanajan urang hirup abadi, diajar ngeunaan Yéhuwa moal aya tungtungna. Tapi ayeuna, urang kudu ngagunakeun waktu pikeun diajar saloba-lobana ngeunaan bebeneran. w18.11 5 ¶7
Minggu, 16 Agustus
Salaki kudu nyaah ka pamajikan.—Epe. 5:25.
Salaki kudu mikirkeun parasaan jeung ngartikeun pamajikanana. (1 Pet. 3:7) Salaki nu siga kitu paham yén sanajan manéhna béda jeung pamajikanana, manéhna teu jadi leuwih punjul. (Kaj. 2:18) Manéhna mikirkeun parasaan pamajikanana jeung ngahargaan martabatna. Salaki nu mikirkeun parasaan pamajikanana moal ngagoda, pelang-pelong, atawa tual-toél ka awéwé séjén. (Ayub 31:1) Manéhna moal ngagunakeun média sosial pikeun ngagoda atawa ningalian situs Internét nu teu pantes. Manéhna tetep satia lantaran nyaah ka pamajikanana jeung nyaah ka Yéhuwa. Manéhna ogé ijid ka lalampahan nu salah.—Jab. 19:15; 97:10. w18.09 28 ¶3-4
Senén, 17 Agustus
Anu panghandapna di maraneh, nya eta nu pangpunjulna.—Luk. 9:48.
Ku naon Firman Allah téh hésé dilarapkeun ku urang? Hiji alesanana lantaran pikeun ngalampahkeun nu bener, urang kudu rendah haté. Dina ”ahir jaman” ieu, urang hésé pikeun tetep rendah haté lantaran loba jalma di sakurilingeun ”ngan inget ka diri sorangan bae, sararakah, takabur, garumede”, jeung ”bengis” atawa teu bisa ngadalikeun diri. (2 Tim. 3:1-3) Sabagé umat Allah, urang nyaho yén lalampahan siga kitu téh salah. Tapi, jalma-jalma nu lalampahanana siga kitu katingalina suksés jeung senang hirupna. (Jab. 37:1; 73:3) Urang bisa waé mikir, ’Naha miheulakeun kapentingan batur téh bener-bener mawa mangpaat? Mun abdi ngahandapkeun diri, naha batur bakal tetep ngahargaan abdi?’ Lamun urang dipangaruhan ku sikep nu mentingkeun diri ti dunya ieu, hubungan urang jeung dulur saiman bisa ruksak. Batur gé moal bisa ningali jelas yén urang téh urang Kristen. Pikeun tetep rendah haté, urang kudu diajar ti hamba-hamba Allah nu rendah haté jeung nyonto maranéhna. w18.09 3 ¶1
Salasa, 18 Agustus
Bagja mere.—Ras. 20:35.
Dina hiji mangsa, Yéhuwa ngan hirup sorangan. Tuluy, Mantenna mutuskeun pikeun masihan kurnia kahirupan ka ciptaana-Na nu di sawarga jeung di bumi. Sabagé ”Allah nu bagja”, Yéhuwa resep masihan hal-hal nu hadé. (1 Tim. 1:11, NW; Yak. 1:17) Ku sabab Yéhuwa gé hoyong urang bagja, Mantenna ngajar urang pikeun béréhan. (Rum 1:20) Yéhuwa nyiptakeun manusa nyeplés jeung Mantenna. (Kaj. 1:27) Ieu hartina, urang boga sipat-sipat nu sarua jeung Mantenna. Jadi, supaya urang bisa bener-bener bagja jeung diberkahan ku Yéhuwa, urang kudu miconto Mantenna. Urang kudu perhatian jeung béréhan ka batur. (Pil. 2:3, 4; Yak. 1:5) Ku naon? Ku sabab éta tujuan urang diciptakeun ku Yéhuwa. Sanajan teu sampurna, urang ogé bisa béréhan lantaran nyonto Yéhuwa. Yéhuwa hoyong urang miconto Mantenna, jadi Mantenna bungah waktu urang béréhan.—Epe. 5:1. w18.08 15-16 ¶1-2, 4
Rebo, 19 Agustus
Domba Kaula mah ngadengekeun kana sora Kaula.—Yoh. 10:27.
Murid-murid Yésus teu ngan saukur ngadéngékeun omongan Yésus tapi ogé ngalarapkeunana. Maranéhna teu ”mikiran teuing kipayah”. (Luk. 21:34) Sabalikna, maranéhna nganggap taat kana paréntah Yésus téh kacida pentingna. Sanajan kitu, sadérék-sadérék urang tetep satia ka Yéhuwa teu sual kumaha kaayaanana. Aya deui cara séjén nu ngabuktikeun yén urang ngagugu Yésus: urang daék nuturkeun pituduh jalma-jalma anu dilantik pikeun mingpin urang. (Ibr. 13:7, 17) Sababaraha taun katukang, organisasi Yéhuwa geus nyieun loba parobahan, misalna ngeunaan publikasi jeung cara-cara nu anyar pikeun dines, parobahan acara pasamoan tengah minggu, sarta cara ngawangun, ngoméan, jeung ngarawat Balé Karajaan. Urang ngahargaan pisan pituduh ieu nu geus dipikirkeun bener-bener jeung dijieun demi mangpaat urang! Urang yakin Yéhuwa ngaberkahan upaya urang pikeun nuturkeun pituduh anyar ti organisasi. w19.03 10-11 ¶11-12
Kemis, 20 Agustus
Urang teh geus . . . moal kabawa ku ombak jeung . . . ku jelema-jelema anu nipu merdaya ngajar teu bener.—Epe. 4:14.
Ulah percaya ka carita nu teu sakabéhna bener! Urang bisa diajar ti pangalaman urang Israil nu aya di kuloneun Walungan Yordan di jaman Yosua. (Yos. 22:9-34) Maranéhna ngadéngé yén urang Israil nu aya di wétaneun Yordan ngadegkeun hiji altar gedé. Éta téh mémang bener, tapi maranéhna teu nyaho carita lengkepna. Jadi, maranéhna mikir yén dulur-dulurna geus barontak ka Yéhuwa. (Yos. 22:9-12) Tapi saacanna, maranéhna ngirim sababaraha priya pikeun mariksa heula ka ditu. Naon hasilna? Éta altar diadegkeun lain keur nyembah allah palsu, tapi pikeun jadi tanda yén maranéhna umat Yéhuwa. Untungna éta carita dipariksa heula, jadi urang Israil teu kudu perang jeung dulurna sorangan. w18.08 6 ¶9-10
Jumaah, 21 Agustus
Ulah rasa maneh geus nangtung ajeg. Anu boga rasa kitu kudu ati-ati bisi tigubrag.—1 Kor. 10:12.
Saperti nu ditandeskeun ku Paulus, jalma nu ngawula Yéhuwa gé bisa ngalampahkeun nu salah. Bisa waé ceuk pikiranana mah manéhna masih kamanah ku Yéhuwa. Tapi, jalma nu saukur hayang jadi sobat Yéhuwa atawa ngaku geus satia can tangtu bener-bener kamanah ku Mantenna. (1 Kor. 10:1-5) Waktu Musa teu datang-datang ti Gunung Sinai, urang Israil jadi guligah. Kitu ogé, waktu ahir dunya ieu teu datang-datang, urang bisa waé guligah. Urang jadi mikir yén harepan éndah nu dijangjikeun ku Yéhuwa téh lila kénéh ngawujudna atawa mustahil kajadian. Tungtungna, urang jadi mikirkeun kahayang sorangan ti batan kahoyong Yéhuwa. Lamun teu ati-ati, urang bisa ngajauh ti Yéhuwa jeung nyieun kasalahan nu teu pernah kabayang bakal dilakukeun. w18.07 19-20 ¶17-18
Saptu, 22 Agustus
Hade, sapamenta maneh rek diturut, lantaran Kami ka maneh teh geus teu asa-asa jeung resep.—Bud. 33:17.
Yéhuwa bisa apal ka ngaran urang atawa diri urang. Tapi, kumaha carana supaya urang dikenal ku Yéhuwa? Urang kudu mikanyaah jeung ngabaktikeun hirup urang ka Mantenna. (1 Kor. 8:3) Tapi, urang gé kudu ngahargaan jeung ngajaga sosobatan urang jeung Yéhuwa. Saperti urang Kristen di abad kahiji di Galata, urang kudu eureun ngawula ka hal-hal nu ”teu aya dayana” ti ieu dunya, kaasup dianggap suksés jeung kasohor ku ieu dunya. (Gal. 4:9) Urang Kristen di Galata geus kenal ka Allah jeung dikenal ku Allah. Tapi, maranéhna kalah ka ’baralik deui’ ngawula ka hal-hal nu cumah. Saolah-olah Paulus ngomong kieu, ’Naha maranéh bet baralik deui ka hal-hal nu euweuh gunana?’ w18.07 4 ¶5-6
Minggu, 23 Agustus
Nambahan kaweruh.—Sil. 1:5.
Pikeun nyaho mana nu bener jeung nu salah, urang teu kudu sangsara heula lantaran ngalanggar hukum Allah. Urang bisa diajar tina kasalahan jalma-jalma di jaman baheula. Ieu dicatet dina Alkitab. Kaweruh ti Allah téh tangtu nu panghadéna! Contona, pék pikirkeun sakumaha nalangsana Daud sanggeus teu taat ka Yéhuwa sarta jinah jeung Batséba. (2 Sam. 12:7-14) Waktu maca caritana, pék lenyepan, ’Naon nu sakuduna dilakukeun Daud sangkan teu nalangsa siga kitu? Mun nyanghareupan gogoda pikeun ngalampahkeun nu cabul, abdi rék kumaha? Naha abdi bakal siga Daud atawa siga Yusup?’ (Kaj. 39:11-15) Lamun urang ngalenyepan balukar tina lalampahan nu salah, urang bakal beuki ”ijid kana kajahatan”.—Amos 5:15. w18.06 16-17 ¶5, 7
Senén, 24 Agustus
Bayarkeun ka Prabu nu kagungan Prabu, bayarkeun ka Allah nu kagungan Allah.—Mat. 22:21.
Waktu jalma-jalma ningali kateuadilan di sakurilingna, maranéhna jadi pipilueun kana urusan pulitik. Di jaman Yésus, mayar pajeg jadi masalah pulitik nu ruwed. Aya loba pajeg nu kudu dibayar, nyaéta pikeun barang nu dipimilik, tanah, jeung imah. Parahna deui, tukang mulung pajegna gé osok korupsi. Sakapeung, maranéhna nyogok pajabat pamaréntah supaya dibéré leuwih loba kakawasaan pikeun narikan pajeg, ku kituna bisa meunang leuwih loba duit. Sakéus, kapala tukang mulung pajeg di Yériho, jadi beunghar lantaran meres batur. (Luk. 19:2, 8) Musuh-musuh Yésus ngajiret Yésus pikeun pipilueun dina masalah pajeg. Maranéhna nanya ngeunaan ”pajeg” nu gedéna sadinar nu kudu dibayar ku kabéh urang Yahudi. (Mat. 22:16-18) Urang Yahudi ijid pisan kana pajeg ieu lantaran jadi inget yén maranéhna téh keur dijajah ku urang Rum. w18.06 6 ¶8-10
Salasa, 25 Agustus
Naon anu ku urang dipelakan, eta nu kaala hasilna.—Gal. 6:7.
Lamun mihak ka Sétan, balukar goréngna pasti leuwih loba ti batan mangpaatna! (Ayub 21:7-17; Gal. 6:8) Naon mangpaatna lamun urang nyaho yén Sétan nu ngadalikeun dunya ieu? Urang jadi boga pandangan nu bener ngeunaan pamaréntah jeung kageuing pikeun terus ngawawarkeun warta hadé. Yéhuwa hoyong urang ngajénan pamaréntah. (1 Pet. 2:17) Mantenna miharep urang taat ka hukum pamaréntah salila éta teu papalingpang jeung papakon-Na. (Rum 13:1-4) Tapi, urang gé nyaho yén kudu tetep nétral jeung moal ngadukung partéy pulitik atawa pamingpin manusa. (Yoh. 17:15, 16; 18:36) Lantaran nyaho yén Sétan nyamunikeun jeung ngagogoréng nami Yéhuwa, urang bakal satékah polah ngajarkeun bebeneran ngeunaan Allah. Urang reueus nyandang sarta ngagunakeun nami-Na. Nyaah ka Allah mawa kauntungan nu leuwih gedé ti batan nyaah kana duit atawa harta banda.—Yes. 43:10; 1 Tim. 6:6-10. w18.05 17-18 ¶8-9
Rebo, 26 Agustus
Pamajikan teu meunang ninggalkeun salaki.—1 Kor. 7:10.
Waktu aya masalah perkawinan, naha maranéhna meunang pipisahan? Alkitab teu ngajelaskeun alesanana salaki pamajikan meunang pipisahan. Paulus nulis, ”Lamun pamajikanana Kristen, lalakina lain tapi daek hirup babarengan, ulah menta pepegatan.” (1 Kor. 7:12, 13) Ieu kudu dilarapkeun ogé kiwari. Tapi dina sababaraha kaayaan, salaki nu teu saiman bisa waé kaciri teu ”daek hirup babarengan” jeung pamajikanana. Misalna, manéhna osok nganiaya, nepi ka ngabahayakeun kaséhatan atawa kahirupan pamajikanana. Bisa jadi manéhna teu daék nganapkahan kulawargana, atawa nyababkeun pamajikanana teu bisa ibadah ka Allah. Dina kaayaan siga kieu, teu sual salakina ngomong naon, saurang pamajikan Kristen bisa mutuskeun yén salakina teu ”daek hirup babarengan” deui sarta kudu pipisahan. Tapi, urang Kristen séjén nu ngalaman kaayaan nu sarupa bisa waé mutuskeun pikeun tetep ngahiji jeung batur hirupna. Maranéhna tabah jeung satékah polah ngoméan perkawinanana. w18.12 13-14 ¶14, 16, 17
Kemis, 27 Agustus
Tahan hirup nepi ka bisa baruahan [”baruahan bari jeung sabar tawekal”, NW].—Luk. 8:15.
Dina misil ngeunaan jalma nu nebarkeun binih nu dicatet di Lukas 8:5-8, 11-15, Yésus ngajelaskeun yén binih téh nyaéta ”pangandika Allah”, atawa warta Karajaan Allah. Taneuh nyaéta haté saurang jalma. Binih nu ragrag kana taneuh léndo bakal akaran, sirungan, jeung ”baruahan jadi saratus kalieun”. Waktu kolot urang atawa Saksi séjén mimiti ngajarkeun Karajaan Allah, maranéhna téh ibarat keur melak hiji binih dina taneuh léndo. Maranéhna bungah waktu ningali urang narima bebeneran. Binih ieu terus tumuwuh nepikeun ka siap buahan. Saperti pelak gandum nu ngahasilkeun binih, lainna pelak gandum deui, urang ngahasilkeun binih anyar, lainna murid anyar. Kumaha carana? Unggal nyaritakeun Karajaan Allah ka batur, urang keur ngagandakeun jeung nebarkeun binih nu geus dipelak dina haté urang. (Luk. 6:45; 8:1) Jadi, salila urang terus ngawawarkeun warta Karajaan Allah, éta hartina urang ”baruahan bari jeung sabar tawekal”. w18.05 5-6 ¶10-11
Jumaah, 28 Agustus
Anu ku Kami sok diseukseukan jeung diwarah, tandaning dipikanyaah.—Wahyu 3:19.
Paulus teu ngan saukur réla masrahkeun ”harta banda, raga sakujur oge rido masrahkeun”. Tina lalampahanana, katingali yén Paulus réla méré nu panghadéna pikeun dulur saimanna. (2 Kor. 12:15) Kitu ogé, kokolot teu ngan saukur ngalilipur dulur saiman ku kekecapanana, tapi ogé negerkeun maranéhna ku cara méré perhatian. (1 Kor. 14:3) Pikeun nguatkeun dulur saimanna, kokolot sakapeung perlu méré naséhat. Maranéhna bisa diajar tina Alkitab ngeunaan cara nu hadé dina méré naséhat. Yésus jadi tuladan alus dina hal ieu waktu ngirim warta ka sidang-sidang di Asia Leutik sanggeus anjeunna dihirupkeun deui. Anjeunna kudu méré naséhat nu tegas ka sidang di Épésus, Pérgamus, Tiatira. Tapi saacanna, anjeunna muji kana hal-hal alus nu dipilampah ku maranéhna. (Wahyu 2:1-5, 12, 13, 18, 19) Para kokolot nyonto Kristus dina carana méré naséhat. w18.04 23 ¶8-9
Saptu, 29 Agustus
Kolot, . . . gedekeun anak teh make pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan.—Epe. 6:4.
Kolot, Sadérék pasti geus satékah polah ngalindungan budak tina panyakit. Sadérék mersihan imah jeung miceunan sagala hal nu bisa nyababkeun budak Sadérék gering. Kitu ogé, Sadérék kudu ngalindungan budak tina film, acara TV, game éléktronik, jeung situs Internét nu dipangaruhan ku cara pikir Sétan. Yéhuwa masihan wewenang ka Sadérék pikeun ngajaga kaséhatan rohani budak. (Sil. 1:8) Jadi, ulah asa-asa nyieun aturan di imah nu dumasar kana papakon Alkitab. Béré nyaho budak naon nu meunang jeung nu teu meunang ditongton, sarta jelaskeun alesanana. (Mat. 5:37) Lamun budak beuki gedé, latih manéhna supaya bisa ngabédakeun mana nu bener jeung nu salah numutkeun papakon Yéhuwa. (Ibr. 5:14) Inget, budak Sadérék bakal diajar leuwih loba tina tindakan Sadérék.—Pam. 6:6, 7; Rum 2:21. w19.01 16-17 ¶8
Minggu, 30 Agustus
Nu karolot kitu deui barudak. Kabeh kudu muji jenenganPANGERAN!—Jab. 148:12, 13.
Salaku budak ngora, hidep bisa ngabantu unggal anggota sidang ngarasa dipikanyaah. Salah sahiji carana nyaéta nyobat jeung sadérék-sadérék nu geus kolot. Pék tanyakeun kumaha maranéhna bisa satia ka Yéhuwa mangtaun-taun. Pangalaman maranéhna méré loba mangpaat keur hidep. Hidep jeung maranéhna bisa dikuatkeun! Urang kabéh gé, teu sual ngora atawa kolot, bisa ngabagéakeun jalma-jalma nu anyaran datang ka Balé Karajaan. Sadérék bisa ngabantu dulur-dulur nu kolot tetep mencarkeun caang. Waktu Sadérék ditugaskeun pikeun mandu riungan dines, béré daérah nu cocog keur maranéhna. Pasangkeun maranéhna jeung sadérék nu leuwih ngora. Sadérék-sadérék nu geus kolot jeung geringan osok leutik haté lantaran teu bisa sering ngawawar siga baheula. Tapi, maranéhna bisa gedé haté lamun Sadérék méré perhatian sarta ngarti kana kaayaan maranéhna. Jadi, kahadéan Sadérék bisa ngajurung nu ngora jeung nu kolot, nu geus pangalaman jeung nu anyaran, pikeun tetep sumanget ngawawar.—Ima. 19:32. w18.06 23-24 ¶10-12
Senén, 31 Agustus
Kamerdikaan teh ulah dipake nyimbutan kagorengan, nya kudu sakumaha layakna jelema anu ngawula ka Allah.—1 Pet. 2:16.
Urang kudu terus inget yén Yéhuwa geus ngabébaskeun urang tina pangbudakan dosa jeung maot. Ku ayana tebusan, urang bisa ngawula Yéhuwa ku haté sanubari nu bersih sarta miboga kabagjaan sajati. (Jab. 40:9) Teu cukup saukur nganuhunkeun ka Yéhuwa, urang ogé kudu ati-ati sangkan teu nyalahgunakeun kabébasan. Contona, Rasul Pétrus mépélingan urang sangkan teu ngajadikeun kabébasan sabagé alesan pikeun ngalampahkeun nu salah. Ieu ngingetkeun urang kana pangalaman bangsa Israil di gurun keusik. Kiwari, urang justru leuwih butuh dipépélingan. Sétan jeung dunyana ngamangpaatkeun kahayang urang kana papakéan, dahareun, inumeun, sarta hiburan. Iklan ngagunakeun jalma-jalma nu geulis atawa kasép sangkan urang meuli barang nu sabenerna teu dibutuhkeun. Gampang pisan kajiret ku dunya ieu sarta nyalahgunakeun kabébasan urang. w18.04 11-12 ¶7-8