September
Salasa, 1 Séptémber
Aranjeun nyaraah ka Yesus Kristus, padahal can nenjo-nenjo acan.—1 Pet. 1:8.
Yésus saperasaan jeung Marta sarta Maria. Waktu anjeunna ningali maranéhna sedih lantaran ditinggal maot ku Lasarus, dulurna, ”Yesus oge datang ka nangis”. (Yoh. 11:32-35.) Anjeunna ceurik téh lain lantaran moal bisa panggih deui jeung sobat deukeutna. Anjeunna apal bakal ngahirupkeun deui Lasarus. Jadi, anjeunna ceurik téh lantaran paham sakumaha nalangsa sobat-sobatna jeung milu ngarasa sedih. Urang mani gedé haté pisan lantaran nyaho Yésus téh rasrasan ka batur. Urang jadi nyaah ka anjeunna. Urang gé gedé haté lantaran nyaho Yésus ayeuna geus jadi Raja Karajaan Allah. Sakeudeung deui, anjeunna bakal mupus sagala kasangsaraan. Yésus pernah jadi manusa, ku kituna anjeunna téh cocog pisan pikeun mulihkeun kaayaan manusa nu sangsara lantaran Sétan. Urang tangtu bungah pisan boga Pangawasa nu bisa ”ngaraskeun kahengkeran-kahengkeran urang”.—Ibr. 2:17, 18; 4:15, 16. w19.03 17 ¶12-13
Rebo, 2 Séptémber
Moal aya anu bisa datang ka Kami lamun henteu ditarik ku Rama.—Yoh. 6:44.
Mémang urang nu ngajar batur ngeunaan Allah, tapi lain urang nu pangpentingna dina tugas ieu. (1 Kor. 3:6, 7.) Yéhuwa nu narik jalma-jalma. Tungtungna, unggal jalma kudu nyieun putusan gumantung kana kaayaan haténa. (Mat. 13:4-8) Inget, kalolobaan jalma teu narima warta Yésus padahal anjeunna téh Guru nu agung! Jadi, urang teu kudu leutik haté lamun loba jalma teu ngadéngékeun warta urang. Pasti aya hasil nu alus lamun urang némbongkeun sipat saperasaan. Urang bakal leuwih resep ngawawar. Urang bakal leuwih bagja lantaran resep méré. Jalma ”nu boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng” ogé jadi leuwih gampang narima warta hadé. (Ras. 13:48, NW) Jadi, ”saban aya kasempetan sing getol migawe kahadean ka sing saha bae”. (Gal. 6:10) Ku kituna, urang bakal bungah bisa ngamulyakeun Bapa urang di sawarga.—Mat. 5:16. w19.03 25 ¶18-19
Kemis, 3 Séptémber
Abdi . . . bade ngamulyakeun Gusti dina pasamoanana.—Jab. 22:23.
Raja Daud nulis, ”Agung PANGERAN teh, pohara pinujina.” (Jab. 145:3) Manéhna nyaah ka Yéhuwa. Lantaran nyaah, manéhna kajurung pikeun muji Allah ’dina pasamoan’. (1 Bab. 29:10-13; Jab. 40:6) Kiwari, hiji cara pikeun muji Yéhuwa nyaéta méré koméntar dina pasamoan. Urang kabéh resep ngadéngékeun rupa-rupa koméntar dina pasamoan. Urang resep ngadéngékeun koméntar nu polos ti budak leutik. Urang jadi gedé haté waktu ngarasakeun sumanget ti hiji sadérék nu méré koméntar ngeunaan bebeneran nu ditalungtik ku manéhna. Urang gé bungah waktu aya nu ”dikersakeun wani” méré koméntar sanajan manéhna éraan atawa kakara diajar basa urang. (1 Tes. 2:2) Kumaha urang bisa ngahargaan upaya maranéhna? Urang bisa langsung nganuhunkeun kana koméntarna sanggeus pasamoan. Urang gé bisa ngahargaan maranéhna ku cara méré koméntar nu ngagedékeun haté. Jadi, lain urang wungkul nu digedékeun haté téh, batur ogé digedékeun haténa ku urang.—Rum 1:11, 12. w19.01 8 ¶1-2; 9 ¶6
Jumaah, 4 Séptémber
Aranjeun kudu muji sukur.—Kol. 3:15.
Aya sapuluh lalaki nu katerap ku lépra. Maranéhna ngarasa susah jeung euweuh harepan bisa cageur deui. Hiji poé, maranéhna nempo Yésus, Guru nu Agung, ti kajauhan. Maranéhna nyaho Yésus geus nyageurkeun rupa-rupa panyakit. Jadi, maranéhna ngagorowok, ”Nun Yesus! Juragan! Sing hawatos ka abdi-abdi!” Ku Yésus, maranéhna dicageurkeun. Tangtu maranéhna nganuhunkeun kana kahadéan Yésus. Tapi, aya saurang nu teu ngan saukur nganuhunkeun dina jero haté, tapi némbongkeun panghargaan ka Yésus. Lalaki éta, urang Samaria, kajurung pikeun muji ka Allah ku sora nu ”tarik pisan”. (Luk. 17:12-19) Saperti urang Samaria, urang hayang némbongkeun panghargaan ka saha waé nu hadé ka urang. Yéhuwa jadi tuladan dina némbongkeun panghargaan. Salah sahiji carana téh Mantenna masihan ganjaran ka jalma nu nyenangkeun Mantenna. (2 Sam. 22:21; Jab. 13:7; Mat. 10:40, 41) Kitab Suci ogé ngajurung urang pikeun ”nulad ka Mantenna” sabagé putra nu dipikaasih. (Epe. 5:1) Jadi, alesan utama urang némbongkeun panghargaan téh lantaran hayang nulad ka Yéhuwa. w19.02 14 ¶1-2; 15 ¶4
Saptu, 5 Séptémber
Nepi ka paéh gé, urang moal nyingkirkeun kasatiaan urang!—Ayub 27:5, ”NW”.
Waktu dititah ku guruna pikeun milu ngarayakeun hari raya, saurang budak awéwé nolak ku cara nu sopan sabab apal éta téh teu kamanah ku Allah. Saurang budak lalaki nu éraan keur ngawawar, ngetok imah batur sakolana nu pernah ngaléléwé Saksi Yéhuwa. Saurang lalaki nu getol digawé pikeun nganapkahan kulawargana dipénta ku dununganana pikeun ngalanggar hukum atawa teu jujur. Sanajan bisa waé dipecat, manéhna ngajelaskeun yén manéhna kudu jujur jeung taat hukum lantaran éta diparéntahkeun ku Allah. (Rum 13:1-4; Ibr. 13:18) Sipat naon nu ditingali ku Sadérék ti tilu Saksi éta? Bisa jadi aya sababaraha sipat, saperti kawani jeung kajujuran. Tapi aya hiji sipat deui nu kacida pentingna, nyaéta kasatiaan. Tiluanana satia ka Yéhuwa. Maranéhna teu daék ngalanggar papakon Allah. Kasatiaan ngajurung maranéhna ngalampahkeun éta. Yéhuwa tangtu reueus ningali maranéhna némbongkeun sipat ieu. Urang gé hayang Bapa nu di sawarga reueus ka urang. w19.02 2 ¶1-2
Minggu, 6 Séptémber
Hukum Agama urang Yahudi ngan jadi gambar anu samar-samar tina hal-hal anu harade nu bakal datang.—Ibr. 10:1.
Hukum hususna ngalindungan jalma-jalma nu teu bisa ngalindungan diri sorangan, saperti yatim pahatu, randa, jeung penduduk asing. Hakim di Israil dinaséhatan, ”Ulah ngaleungitkeun hak jalma ngumbara atawa jalma pahatu; ulah nyokot papakean randa keur tandon injeumanana.” (Pam. 24:17) Yéhuwa perhatian jeung lemah lembut ka kaom nu paling lemah. Mantenna gé bakal ngahukum saha waé nu teu adil ka maranéhna. (Bud. 22:22-24) Yéhuwa hoyong saha waé nu dibéré tanggung jawab nyaah jeung perhatian ka jalma-jalma nu di handapeunana. Mantenna ijid kana kajahatan séksual jeung hoyong kabéh jalma, utamana kaom nu paling lemah, dilindungan jeung meunang kaadilan. (Ima. 18:6-30) Lamun urang yakin Yéhuwa adil ka urang, urang bakal beuki nyaah ka Mantenna. Sarta lamun urang nyaah ka Allah jeung kana papakon-Na nu bener, urang kajurung pikeun nyaah jeung adil ka batur. w19.02 24-25 ¶22-26
Senén, 7 Séptémber
Miceun kabiasaan anu doraka jeung napsu kadunyaan.—Tit. 2:12.
Pikirkeun hiji conto kumaha urang bisa ngalindungan diri tina cara pikir Sétan. Urang geus diajar yén ”kalakuan anu cabul, atawa anu aeb, atawa sarakah, teu pantes aya di [diri urang], kecapna ge ulah disebut-sebut acan”. (Epe. 5:3) Tapi, kumaha lamun batur gawé atawa batur sakola ngobrol jorang? Prajurit jaga, atawa haté sanubari urang, bisa jadi mépélingan. (Rum 2:15) Tapi, naha ku urang diwaro? Urang bisa waé kagoda pikeun ngadéngékeun obrolan éta atawa nempo gambar nu ditempokeun ku maranéhna. Tapi, ieu waktuna pikeun saolah-olah nutup gerbang, ku cara ngaganti topik obrolan atawa nyingkah ti dinya. Butuh kawani pikeun nampik gogoda ti babaturan nu ngajurung urang mikirkeun atawa ngalampahkeun nu salah. Urang yakin Yéhuwa ningali upaya urang. Mantenna bakal masihan urang kakuatan jeung hikmat pikeun nampik cara pikir Sétan.—2 Bab. 16:9; Yes. 40:29; Yak. 1:5. w19.01 17-18 ¶12-13
Salasa, 8 Séptémber
Seug sagala hasil pagawean teh dilenyepan . . . Bet kapikir sihoreng taya hartina, euweuh pisan paedahna.—Pan. 2:11.
Suléman téh salah sahiji jalma nu pangbeungharna jeung pangkawasana nu pernah hirup di dunya. Manéhna rék ”ngajaran senang-senang, hayang nyaho kumaha genahna ari kasenangan teh”. (Pan. 2:1-10) Jadi, Suléman ngawangun imah-imah nu agréng, taman-taman nu éndah, jeung nyumponan sagala kahayangna. Tapi, naha manéhna ngarasa bagja jeung sugema? Waktu Suléman mikirkeun deui naon nu geus dihontal, manéhna ngomongkeun kekecapan dina ayat poé ieu. Pék lenyepan palajaran tina pangalaman Suléman. Sababaraha jalma kakara meunang palajaran hirup waktu nyieun kasalahan jeung sangsara ku balukarna. Yéhuwa teu hoyong Sadérék ngalaman nu siga kitu. Mantenna hoyong Sadérék ngadéngékeun jeung taat ka Mantenna. Mémang ieu téh butuh iman, tapi Sadérék moal kaduhung kana pilihan nu dijieun lantaran iman Sadérék. Yéhuwa gé moal mopohokeun ”kanyaah [Sadérék] ka Mantenna”. (Ibr. 6:10) Jadi, sing sabisa-bisa kuatkeun iman Sadérék. Ku kituna, Sadérék bisa nyieun putusan nu hadé jeung ngarasakeun sorangan yén Bapa nu di sawarga téh hoyong masihan nu panghadéna ka Sadérék.—Jab. 32:8. w18.12 18-19 ¶14-15
Rebo, 9 Séptémber
Allah mah geus nembongkeun asih-Na ka urang. Kristus pupus ngaganti urang sajeroning urang keur hirup keneh dina dosa.—Rum 5:8.
Jalma nu pikiranana rohani boga iman ka Allah jeung ngupayakeun boga cara pandang nu sarua jeung Allah. Manéhna réla dibingbing ku Yéhuwa jeung boga tékad pikeun taat ka Mantenna. (1 Kor. 2:12, 13) Daud téh salah sahiji contona. Manéhna ngawih, ”Kagaduh abdi mah mung salira Gusti.” (Jab. 16:5) Yéhuwa jadi ’kagaduhna’ Daud téh hartina Yéhuwa jadi sobatna. Daud gé nyalindung ka Yéhuwa. (Jab. 16:1) Hasilna, manéhna ngarasa ”bungah”. Teu aya deui nu bisa ngabagjakeun Daud iwal ti sosobatanana jeung Yéhuwa! (Jab. 16:9, 11) Jalma nu ngutamakeun duit jeung kasenangan moal bener-bener bagja siga Daud. (1 Tim. 6:9, 10) Lamun Sadérék nguatkeun iman jeung ngawula Yéhuwa, Sadérék bakal bener-bener bagja jeung sugema hirupna. Kumaha carana? Sadérék kudu nyadiakeun waktu pikeun duaan jeung Yéhuwa ku cara maca Firman-Na, merhatikeun ciptaan nu éndah, jeung ngalenyepan sipat-sipat Mantenna, kaasup kanyaah-Na ka Sadérék.—Rum 1:20. w18.12 22-23 ¶7-8
Kemis, 10 Séptémber
Ajenan perkawinan.—Ibr. 13:4.
Ieu téh lain saukur omongan, tapi pituduh ti Paulus ka urang Kristen pikeun ngajénan atawa nganggap penting perkawinan. Naha Sadérék gé ngajénan perkawinan, utamana perkawinan Sadérék sorangan? Ku cara ngajénan perkawinan, Sadérék téh keur nuturkeun tuladan ti Yésus nu ngajénan perkawinan. Waktu ditanya ku urang Parisi ngeunaan pepegatan, Yésus nyebutkeun kekecapan Allah ngeunaan perkawinan nu mimiti, ”Ku hal eta, lalaki bakal ninggalkeun indung bapana, tuluy ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana jadi satunggal.” Yésus nambahkeun, ”Anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.” (Mar. 10:2-12; Kaj. 2:24) Yésus satuju yén perkawinan téh ditetepkeun ku Allah jeung kudu langgeng. Waktu Allah ngayakeun perkawinan nu mimiti, Mantenna teu nyarios yén Adam jeung Hawa bisa pepegatan. Justru, Mantenna netepkeun aturan monogami, nyaéta ’dua’ jalma kudu ngahiji dina perkawinan nu langgeng. w18.12 9-10 ¶2-4
Jumaah, 11 Séptémber
Enyana mah, anyarkeun batin.—Rum 12:2, ”SF”.
Waktu mimiti diajar bebeneran, urang diajar pentingna taat kana paréntah Yéhuwa nu geus jelas. Tapi beuki asak rohani, urang jadi leuwih paham kana cara pikir Mantenna, nyaéta naon nu dipikaresep, nu dipikaijid, jeung cara pandang Mantenna kana rupa-rupa hal. Ieu ngarobah cara pikir urang sangkan luyu jeung cara pikir Yéhuwa. Urang resep diajar pikeun boga cara pikir Yéhuwa, tapi éta téh hésé lantaran cara pikir urang teu sampurna. Misalna, urang nyaho pandangan Yéhuwa ngeunaan moral nu bersih, matérialisme, pangwawaran, getih, jeung sajabana. Tapi, bisa jadi urang teu pati paham ku naon Yéhuwa boga pandangan kitu. Jadi, kumaha carana sangkan cara pikir urang beuki sarua jeung cara pikir Yéhuwa? Urang kudu nganyarkeun batin atawa ngarobah cara pikir urang. Sangkan bisa kitu, urang kudu diajar Firman Allah, paham kana cara pikir-Na, ngalenyepanana, jeung satékah polah nyaluyukeun cara pikir urang. w18.11 27-28 ¶2-4
Saptu, 12 Séptémber
Kedah sabaraha lamina abdi sasambat nyuhunkeun pitulung, dugi ka Gusti kersa ngadangu sareng nyalametkeun abdi sadaya tina katelengesan?—Hab. 1:2.
Habakuk hirup dina mangsa nu susah pisan. Manéhna kacida sedihna lantaran jalma-jalma di sabudeureunana téh jahat jeung telenges. Di mana-mana manéhna ningali jalma-jalma sabangsana téh kejem jeung teu adil ka sasamana. Habakuk mikir, ’Iraha anggeusna kajahatan ieu téh? Ku naon kaayaan ieu diantep lila-lila teuing ku Yéhuwa?’ Manéhna teu walakaya. Jadi, manéhna sasambat ka Yéhuwa sangkan geura nyieun tindakan. Habakuk bisa waé mikir yén Yéhuwa teu nyaah deui ka umat-Na atawa Mantenna moal nyieun tindakan. Naha Sadérék gé pernah ngarasa kitu? Naha Habakuk téh nanya lantaran teu percaya deui ka Yéhuwa jeung jangji-Na? Henteu! Habakuk ménta tulung ka Yéhuwa supaya teu cangcaya deui jeung bisa nyanghareupan masalahna. Ieu bukti yén manéhna teu nyerah jeung percaya kénéh ka Mantenna. Habakuk keur hariwang jeung bingung. Manéhna teu ngarti ku naon Yéhuwa teu gancang nyieun tindakan jeung ngantep manéhna ngalaman loba kasangsaraan. w18.11 16-17 ¶4-5
Minggu, 13 Séptémber
Di dunya ulah numpuk-numpuk harta banda.—Mat. 6:19.
Pétrus jeung Andréas baheulana nalayan, tapi waktu diajak ku Yésus pikeun jadi muridna, maranéhna ninggalkeun bisnisna. (Mat. 4:18-20) Ieu lain hartina Sadérék kudu eureun digawé sangkan bisa diajar bebeneran. Saurang jalma kudu digawé jeung nganapkahan kulawargana. (1 Tim. 5:8) Tapi basa diajar bebeneran, cara pikir Sadérék kana harta banda barobah. Sadérék sadar naon nu pangpentingna dina kahirupan. Ieu nu dilampahkeun ku Maria. Cita-cita Maria téh hayang jadi pamaén golf profésional jeung néangan loba duit. Tuluy, manéhna diajar Alkitab. Maria resep kana pangajaranana jeung ngalarapkeunana. Maria sadar yén manéhna teu bisa ngaraket ka Yéhuwa bari ngudag kariér olahragana. (Mat. 6:24) Jadi, manéhna mutuskeun pikeun ngorbankeun cita-citana. Ayeuna, Maria geus jadi panaratas. Manéhna ngomong yén hirupna téh ”bagja jeung sugema pisan”. w18.11 6 ¶9-10
Senén, 14 Séptémber
Tukang kayu tea manehna teh, anak Mariam.—Mar. 6:3.
Waktu umur 30 taun, Yésus eureun jadi tukang kayu tuluy jadi guru lantaran anjeunna apal yén éta téh pagawéan nu pangpentingna. Anjeunna ngomong yén tujuan anjeunna diutus ka dunya téh pikeun ngawawarkeun warta hadé Karajaan Allah. (Mat. 20:28; Luk. 3:23; 4:43) Yésus ngutamakeun pangwawaran warta hadé sarta hayang batur gé ngalampahkeun nu sarua. (Mat. 9:35-38) Kalolobaan ti urang téh lain tukang kayu, tapi urang kabéh téh guru nu ngajarkeun warta hadé ka batur. Sakitu pentingna pagawéan ieu nepi ka Allah kalibet. Jadi, urang disebut ”batur gawé Allah”. (1 Kor. 3:9, NW; 2 Kor. 6:4) Urang satuju jeung nu nulis jabur, ”Jiwa hukum-hukum Gusti nya eta kayaktian.” (Jab. 119:159, 160) Firman Yéhuwa téh bebeneran. Éta sababna urang kudu ’bener dina ngajarkeun amanat kayaktian Allah’. (2 Tim. 2:15) Jadi, urang kudu ningkatkeun kamampuh urang dina ngagunakeun Alkitab, pakakas utama pikeun ngajar batur ngeunaan Yéhuwa, Yésus, jeung Karajaan Allah. w18.10 9 ¶1-2
Salasa, 15 Séptémber
Kudu getol baranggawe, jeung kudu . . . ngingetkeun pilahir Gusti Yesus.—Ras. 20:35.
Lamun salaki nyonto kanyaah Yésus Kristus, kapalana, pamajikan bakal leuwih gampang ”hormat” ka manéhna. (Epe. 5:22-25, 33) Pamajikan nu hormat ka salakina bakal mikirkeun parasaan jeung kaayaan salakina. Salaki pamajikan nu sok mikirkeun parasaan pasanganana bakal jadi tuladan keur budakna. Salian ti éta, indung bapa kudu ngajar budakna pikeun bageur jeung mikirkeun batur. Misalna, budak kudu diajar sangkan ulah lulumpatan di Balé Karajaan. Atawa lamun keur acara kumpul-kumpul, ajar budak Sadérék sina miheulakeun nu geus karolot waktu rék nyokot dahareun. Waktu aya budak nu nyieun kahadéan, misalna mukakeun panto keur urang, puji manéhna. Manéhna pasti bungah sarta bakal inget yén ”leuwih bagja mere ti batan nampa”. w18.09 28 ¶5-6
Rebo, 16 Séptémber
Pamingpin teh ngan hiji nya eta Kristus.—Mat. 23:10.
Pituduh ti Yésus Kristus, Raja urang, bakal ngabantu urang boh ayeuna boh di mangsa kahareup. Terus pikirkeun mangpaat nu ditarima ku Sadérék lantaran geus nyaluyukeun diri jeung parobahan nu anyar. Dina ibadah kulawarga, bahas kumaha parobahan dina pasamoan jeung dines aya mangpaatna keur kulawarga Sadérék. Lamun urang inget yén pituduh organisasi Yéhuwa téh alus hasilna, urang bakal leuwih réla nuturkeunana. Misalna, lantaran teu kudu nyitak loba bacaan siga saacanna, urang jadi bisa ngirit biaya. Jeung, lantaran maké téknologi anyar, urang bisa nyebarkeun warta hadé ka leuwih loba jalma. Urang bisa leuwih loba ngagunakeun publikasi éléktronik jeung rekaman audio atawa vidéo. Ieu téh hiji cara pikeun ngadukung Kristus nu hayang urang bijaksana dina ngagunakeun sumber daya organisasi. Ku cara ngadukung pituduh Kristus, urang bisa nguatkeun iman dulur-dulur saiman. Urang gé jadi leuwih ngahiji. w18.10 21 ¶17-19
Kemis, 17 Séptémber
Ku nyaah-nyaahna ka aranjeun, sumawonna eta Injil Kasalametan, nyawa oge moal dikoretkeun.—1 Tes. 2:8.
Waktu urang lemah lembut saperti Yéhuwa, bisa waé urang jadi jawaban doa dulur-dulur urang nu hayang dililipur! (2 Kor. 1:3-6) Tapi, ulah ngarepkeun kasampurnaan. Sing asup akal. Lamun ngarepkeun kasampurnaan ti dulur saiman, urang bakal kuciwa. (Pan. 7:21, 22) Sing inget yén Yéhuwa téh asup akal ka urang. Jadi, urang kudu sabar ka batur. (Epe. 4:2, 32) Urang moal nyababkeun dulur saiman ngarasa yén upaya maranéhna téh kurang. Urang gé moal ngabanding-bandingkeun maranéhna jeung batur, tapi muji hal-hal hadé nu geus dilampahkeun ku maranéhna. Ku kituna, maranéhna bisa bungah ngawula Yéhuwa.—Gal. 6:4. w18.09 13 ¶16-17
Jumaah, 18 Séptémber
Dahareun Kami nya eta pagawean ti pangersa anu ngutus, anu kudu dipigawe nepi ka anggeus.—Yoh. 4:34.
Ngagawékeun atawa ngalampahkeun pangersa Allah téh ibarat dahareun keur Yésus. Awak urang bakal jagjag lamun ngadahar dahareun nu séhat, kitu ogé iman urang bakal kuat lamun ngalampahkeun pangersa Allah. Ku cara ngalampahkeun pangersa Yéhuwa, urang bakal boga hikmat. (Jab. 107:43) Boga hikmat téh loba pisan mangpaatna. ”Sagala rupa anu dipikahayang ku hidep moal bisa nyaruaan eta. . . . Nya bagja anu boga hikmah, hirup teh jadi milikna.” (Sil. 3:13-18) Yésus ngomong, ”Lamun hal eta geus kahalarti, estu bagja maraneh lamun daraek ngalampahkeunana!” (Yoh. 13:17) Murid-murid Yésus bakal bagja lamun terus ngalampahkeun paréntah anjeunna. Nuturkeun pangajaran jeung tuladan Yésus jadi jalan hirup maranéhna. w18.09 4 ¶4-5
Saptu, 19 Séptémber
Allah ngadamel bangsa manusa nyeples Mantenna.—Kaj. 1:27.
Sanajan Adam jeung Hawa ngan duaan di Taman Éden, maranéhna sakuduna mikirkeun batur. Ku naon? Yéhuwa masihan tugas ka maranéhna pikeun minuhan bumi ku turunanana jeung nyieun sakuliah bumi jadi pirdaus. (Kaj. 1:28) Kuduna mah maranéhna mikirkeun kabagjaan barudakna engké, sakumaha Yéhuwa hoyong maranéhna kabéh bagja. Maranéhna bakal babarengan ngajadikeun sakuliah bumi jadi pirdaus. Ieu téh proyék nu kacida gedéna! Pikeun ngawujudkeun bumi jadi pirdaus jeung ngalaksanakeun kahoyong Yéhuwa, manusa nu sampurna gé kudu gawé bareng jeung Mantenna. Bayangkeun sakumaha nyugemakeun jeung resepna pagawéan éta! Yéhuwa pasti masihan loba berkah ka maranéhna lamun mikirkeun batur jeung teu mentingkeun diri. w18.08 15 ¶2; 17 ¶8-9
Minggu, 20 Séptémber
Abdi teh diawonkeun ka Gusti.—2 Sam. 19:27.
Kumaha lamun aya jalma nu nyebarkeun carita bohong ngeunaan Sadérék? Ieu pernah kaalaman ku Yésus jeung Yohanes Jurubaptis. (Mat. 11:18, 19) Naon nu dilakukeun ku Yésus? Anjeunna teu méakkeun waktu jeung tanaga pikeun ngayakinkeun jalma-jalma yén carita éta téh bohong. Tapi, anjeunna ngajurung jalma-jalma pikeun ningali kanyataanana, nyaéta tina lalampahan jeung pangajaranana. Yésus ngomong yén hikmat hiji jalma katingali tina laku lampahna. Urang meunang palajaran penting ti conto Yésus. Sakapeung, bisa waé aya jalma nu ngagogoréng atawa ngomong nu teu bener ngeunaan urang. Urang sieun ngaran urang jadi goréng. Tapi, urang bisa nyonto Yésus. Ku lalampahan, urang bisa nunjukkeun yén urang mah teu kitu. Jadi, omongan jeung tuduhan nu teu bener ngeunaan urang téh kabukti salah. w18.08 6-7 ¶11-13
Senén, 21 Séptémber
Masing anut ka PANGERAN, Allah maraneh, ngabakti ngan ka Mantenna bae wungkul. Sing sujud tumutur.—Pam. 10:20.
Kain, Suléman, jeung urang Israil sabenerna boga kasempetan pikeun tobat jeung ngarobah kalakuanana. (Ras. 3:19) Yéhuwa teu langsung ninggalkeun jalma nu ngalakukeun kasalahan. Inget yén Harun ogé dihampura ku Yéhuwa. Kiwari, Yéhuwa mépélingan urang sangkan teu ngalampahkeun nu salah. Mantenna ngagunakeun Alkitab, publikasi, jeung dulur-dulur saiman. Lamun urang ngagugu pangéling ti Yéhuwa, tangtu Mantenna bakal welas asih ka urang. Ulah ngalalaworakeun kanyaah Yéhuwa. (2 Kor. 6:1) Mangpaatkeun pikeun ”miceun kabiasaan anu doraka jeung napsu kadunyaan”. (Tit. 2:11-14) Kiwari, aya waé kaayaan nu nguji kasatiaan urang ka Yéhuwa. Ku kituna, urang kudu boga tékad pikeun sapinuhna mihak ka Yéhuwa. w18.07 20 ¶20-21
Salasa, 22 Séptémber
Pangeran uninga ka umat kagungana-Na.—2 Tim. 2:19.
Kumaha carana supaya kahayang pikeun diaku ku Yéhuwa jadi leuwih kuat ti batan kahayang pikeun diaku ku dunya? Urang kudu inget kana dua hal penting. Kahiji, umat nu satia ngawula Yéhuwa bakal terus diaku ku Mantenna. (Ibr. 6:10; 11:6) Yéhuwa ngahargaan unggal hamba-Na nu satia. Mantenna nganggap dirina ”jalir” lamun ngabaékeun maranéhna. ”Jalma bener, diraksa jeung dijaga ku PANGERAN” tuluy bakal disalametkeun. (Jab. 1:6; 2 Pet. 2:9) Kadua, urang bisa diaku ku Yéhuwa ku cara nu teu kabayangkeun saacanna. Lamun aya jalma nu ngalakukeun kahadéan tapi hayang kapuji ku batur, Yéhuwa moal masihan ganjaran. Maranéhna téh geus narima ganjaranana. (Mat. 6:1-5) Sabalikna, Yéhuwa merhatikeun jalma-jalma nu nyieun kahadéan ka batur sanajan euweuh nu merhatikeun atawa nu ngahargaan. Yéhuwa bakal masihan ganjaran atawa berkah ka maranéhna. w18.07 5 ¶8, 10
Rebo, 23 Séptémber
Anu geus dihalalkeun ku Allah, ku maneh ulah diharamkeun.—Ras. 10:15.
Pétrus can paham naon maksud sora éta. Tapi teu lila, datang utusan Kornélius. Roh suci ngajurung Pétrus pikeun datang ka imahna Kornélius. Jadi, manéhna indit jeung utusan éta. Lamun Pétrus ngukur batur tina rupa luarna, manéhna moal datang ka imahna Kornélius. Urang Yahudi tara nganjangan imah jalma nu lain Yahudi. Jadi, ku naon Pétrus bet daék? Sanajan manéhna boga prasangka, titingalian jeung pituduh ti roh suci ngarobah pandanganana. Sanggeus ngadéngékeun carita Kornélius, Pétrus ngomong, ”Parantos tetela ka Bapa, yen mungguh di Allah mah jalmi teh sami. Bangsa naon oge upami ngabakti ka Mantenna sareng hade kalakuanana mah tangtos ku Mantenna diangken.” (Ras. 10:34, 35) Pétrus gumbira pisan narima pamahaman anyar ieu. Ieu ogé bakal mangaruhan sakabéh urang Kristen. w18.08 9-10 ¶3-4
Kemis, 24 Séptémber
Kudu ijid kana kajahatan.—Amos 5:15.
Urang ngajauhan hal-hal nu dipikaijid ku Allah. Tapi, kumaha lamun urang nyanghareupan kaayaan nu euweuh hukumna dina Alkitab? Kumaha carana nyaho naon nu dipiharep ku Allah? Lamun haté sanubari urang geus dilatih ku Alkitab, urang bakal nyieun putusan nu bijaksana. Lantaran nyaah ka urang, Yéhuwa masihan prinsip pikeun ngabingbing haté sanubari urang. Mantenna ngajelaskeun, ”Kami teh PANGERAN Allah maraneh, anu ngawurukan ka maraneh keur kapentingan maraneh keneh, nungtun kana jalan anu samistina.” (Yes. 48:17, 18) Lamun urang mikirkeun prinsip Alkitab nepi ka nanceb dina haté, haté sanubari urang bisa dilatih jadi bener. Hasilna, urang leuwih gampang pikeun nyieun putusan nu bijaksana. Prinsip téh bebeneran dasar nu ngabingbing pikiran jeung ngabantu urang nyieun putusan nu bener. Lamun paham kana prinsip Yéhuwa, urang jadi ngarti cara pikir Mantenna jeung alesan Mantenna masihan sababaraha hukum. w18.06 16 ¶5; 17-18 ¶8-10
Jumaah, 25 Séptémber
Kumaha pamendak Bapa perkawis mayar pajeg ka Prabu Rum?—Mat. 22:17.
Jelema-jelema golongan Hérodés, atawa partéy nu ngadukung pandangan pulitik Hérodés, rék nuduh Yésus jadi musuh Karajaan Rum lamun Yésus ngomong maranéhna teu kudu mayar pajeg. Tapi, lamun Yésus ngomong yén maranéhna kudu mayar pajeg, jalma-jalma bakal naringgalkeun anjeunna. Jadi, Yésus kudu ngajawab naon? Yésus ngajaga diri tetep nétral. Sanajan nyaho yén loba tukang mulung pajeg osok korupsi, Yésus teu nguruskeun hal éta. Anjeunna ngutamakeun Karajaan Allah nu bisa ngaréngsékeun masalah manusa. Ieu jadi conto keur urang. Urang teu meunang pipilueun dina masalah pulitik sanajan aya pihak nu katingalina bener jeung adil sarta nu séjén katingalina salah jeung teu adil. Urang Kristen ngutamakeun Karajaan Allah jeung hal nu bener di pandangan Allah. Ku sabab éta, urang moal debat ngeunaan kateuadilan atawa protés ngeunaan hal éta. (Mat. 6:33) Loba Saksi Yéhuwa geus suksés miceun pandangan pulitik nu tadina dicekel pageuh. w18.06 6-7 ¶9-11
Saptu, 26 Séptémber
Aya sawatara urang putra-putra surgawi anu barogoheun ka eta barudak awewe, kawantugareulis.—Kaj. 6:2.
Teu ngan saukur ngagunakeun lampah cabul, Sétan gé bisa jadi ngajangjikeun yén para malaikat nu jahat bakal ngawasaan manusa. Ku cara kitu, bisa jadi Sétan hayang ngagagalkeun nubuat Yéhuwa ngeunaan ’turunan éta awéwé’. (Kaj. 3:15, NW) Tapi, Yéhuwa teu ngantep. Mantenna ngadatangkeun Caah Gedé pikeun ngagagalkeun rencana Sétan jeung roh-roh jahat. Jadi, lampah cabul jeung kasombongan téh eupan nu matih. Para malaikat nu jadi balad Sétan geus lila pisan aya di sawarga babarengan jeung Allah! Sanajan kitu, lolobana henteu miceun kahayangna nu salah, sarta kahayangna jadi beuki kuat. Urang kudu inget yén teu sual sabaraha lila urang ngawula Yéhuwa, kahayang nu salah bisa akaran dina haté urang. (1 Kor. 10:12) Éta sababna urang kudu rutin mariksa haté jeung miceun kabéh pikiran cabul sarta kasombongan!—Gal. 5:26; Kol. 3:5. w18.05 18 ¶11-12
Minggu, 27 Séptémber
Sim kuring teh sedih kabina-bina, hate mani asa digerihan.—Rum 9:2.
Urang apal yén Paulus ngarasa leutik haté ku sabab urang Yahudi nampik warta Karajaan. Sanajan kitu, Paulus teu eureun ngawawar ka maranéhna. Manéhna ngajelaskeun parasaanana, ”Pohara gedena kahayang sim kuring supaya bangsa sim kuring disalametkeun. Jeung sim kuring teh bener-bener neneda ka Allah, sangkan hal eta kajadian. Sim kuring wani nyebutkeun, maranehna teh kacida garetolna ibadah ka Allah. Hanjakal ibadahna henteu nurutkeun pituduh anu bener.” (Rum 10:1, 2) Jadi, ku naon Paulus terus ngawawar? ”Pohara gedena kahayang” Paulus pikeun ngawawar ka urang Yahudi. Manéhna hayang pisan urang Yahudi disalametkeun. (Rum 11:13, 14) Paulus sasambat ka Yéhuwa sangkan aya urang Yahudi nu narima warta Karajaan. Ceuk Paulus, ”Maranehna teh kacida garetolna ibadah ka Allah.” Paulus ningali kahadéan maranéhna jeung nganggap maranéhna bisa jadi hamba Yéhuwa. Manéhna nyaho yén urang Yahudi nu getol ibadah bisa jadi murid Kristus nu getol ogé, saperti manéhna. w18.05 4 ¶4; 6-7 ¶13-14
Senén, 28 Séptémber
Hade pokpokanana, ulah matak pikanyerieun, kudu bisa dipake pituduh anu mangpa’at ku anu merlukeunana.—Epe. 4:29.
Urang kudu merhatikeun naon nu dibutuhkeun batur sangkan bisa nulungan maranéhna. Paulus nulis ka urang Kristen Ibrani, ”Pentang-pentangkeun leungeun anu geus leuseuh, jagjagkeun tuur anu nyorocod, leumpang salawasna kudu di jalan lempeng, supaya suku anu geus pincang ulah nepi ka tipalitek, malah sing jadi cageur.” (Ibr. 12:12, 13) Urang kabéh, kaasup budak ngora, bisa silih kuatkeun jeung silih tegeran liwat kekecapan urang. Paulus nulis, ”Ku sabab dina kamanunggalan jeung Al Masih teh aya pepeling, aya panglipur ti asih-Na, aya apingan Ruh, aya silih asih, sarta silih pikanyaah; sabab eta, dulur-dulur, sampurnakeun kabungah simkuring teh, ku jalan sing sahate, sapikir, sakanyaah, sajiwa, sarta sing sauyunan. Ulah pakia-kia atawa pagirang-girang tampian; anggur kudu handap asor, mandang batur leuwih luhur harkatna. Ulah ngan inget kana kaperluan sorangan bae, kaperluan batur oge kudu diperhatikeun.”—Pil. 2:1-4, SF. w18.04 23 ¶10; 24 ¶12
Salasa, 29 Séptémber
Hirup aranjeun kudu sakumaha jalma merdika, tapi . . . nya kudu sakumaha layakna jelema anu ngawula ka Allah.—1 Pet. 2:16.
Alesan Yéhuwa ngagunakeun Yésus pikeun ngabébaskeun urang tina pangbudakan dosa jeung maot téh sangkan urang ngagunakeun kahirupan pikeun ngawula Mantenna. Cara panghadéna dina ngagunakeun kabébasan téh nyaéta ngagunakeun waktu jeung tanaga urang pikeun ngawula Yéhuwa sagemblengna. Ku kituna, cita-cita duniawi jeung kahayang pribadi moal jadi nu pangpentingna dina hirup urang. (Gal. 5:16) Pék pikirkeun tuladan Nuh jeung kulawargana. Maranéhna hirup di antara jalma-jalma nu telenges jeung cabul. Tapi, maranéhna henteu nuturkeun cita-cita jeung kagiatan nu umum. Maranéhna sibuk ngajalankeun tugas ti Yéhuwa, nyaéta ngawangun bahtera, ngumpulkeun dahareun pikeun maranéhna jeung sasatoan, sarta mépélingan batur ngeunaan Caah Gedé. ”Timbalan Allah ku Enoh dijalankeun.” (Kaj. 6:22) Hasilna, Nuh jeung kulawargana salamet.—Ibr. 11:7. w18.04 11-12 ¶8; 12-13 ¶11-12
Rebo, 30 Séptémber
Eta sagala kakawasaan jeung kabeungharan ku kaula rek diserenkeun ka Anjeun, . . . sabab kabeh geus dipasrahkeun ka kaula, jadi kaula kawasa mikeun ka saha bae cocogna hate.—Luk. 4:6.
Sétan jeung roh-roh jahat ogé ngagunakeun agama palsu jeung sistim dagang pikeun nyasabkeun ”saalam dunya”, atawa kabéh manusa. (Wahyu 12:9) Agama palsu digunakeun pikeun nyebarkeun kabohongan ngeunaan Yéhuwa, malahan nyamunikeun nami Allah. (Yer. 23:26, 27) Balukarna, sababaraha jalma nu soléh ngarasa maranéhna keur nyembah ka Allah padahal mah ka roh-roh jahat. (1 Kor. 10:20; 2 Kor. 11:13-15) Sistim dagang ogé digunakeun pikeun nyebarkeun kabohongan, saperti pandangan yén duit jeung harta banda téh konci kabagjaan. (Sil. 18:11) Nu percaya kana kabohongan ieu jadi ”ngawula kana duit” lainna ka Allah. (Mat. 6:24) Sanajan maranéhna pernah mikanyaah Allah, kanyaah kana harta banda jadi leuwih kuat nepi ka kanyaah ka Allah jadi leungit.—Mat. 13:22; 1 Yoh. 2:15, 16. w18.05 16-17 ¶6-7