Oktober
Kemis, 1 Oktober
Milu ceurik ka nu ceurik.—Rum 12:15.
Urang mémang teu bisa maca haté kawas Yéhuwa jeung Yésus. Tapi, urang bisa ngupayakeun paham kana parasaan jeung kabutuhan batur. (2 Kor. 11:29) Teu siga jalma-jalma nu mentingkeun diri di dunya ieu, urang mah ’ngahargaan kapentingan batur, teu mentingkeun diri sorangan’. (Pil. 2:4) Nu hususna kudu boga sipat saperasaan téh kokolot sidang. Maranéhna boga tanggung jawab pikeun ngajaga domba Yéhuwa. (Ibr. 13:17) Pikeun ngabantu dulur-dulur saimanna, kokolot kudu rasrasan. Kumaha kokolot bisa némbongkeun sipat ieu? Kokolot nu rasrasan daék nyadiakeun waktu keur dulur-dulur saimanna. Maranéhna daék nanya jeung ngaregepkeun jawabanana kalawan sabar. Éta téh penting utamana lamun aya sadérék nu rék ngabudalkeun eusi haténa tapi hésé ngomongna. (Sil. 20:5) Lantaran réla nyadiakeun waktu, para kokolot jeung dulur-dulurna bisa silih percaya, nyobat, jeung silih pikanyaah.—Ras. 20:37. w19.03 17-18 ¶14-17
Jumaah, 2 Oktober
Kecap nu diucapkeun pas dina waktuna téh ibarat aapelan emas dina wadah pérak.—Sil. 25:11, ”NW”.
Pikirkeun alesan séjén ku naon urang némbongkeun panghargaan ka batur. Panghargaan téh siga dahareun nu ngeunah, éta jadi leuwih ngeunah lamun didahar babarengan. Waktu urang ngarasa dihargaan, urang ngarasa bagja. Tapi, waktu urang némbongkeun panghargaan, urang nyieun batur bagja. Jalma nu dihargaan ku urang ngarasa upayana pikeun mantuan urang, atawa naon nu dibikeun ka urang, aya paédahna. Hasilna, sosobatan urang jeung manéhna jadi beuki raket. Némbongkeun panghargaan téh luhur nilaina. Saperti disebutkeun dina ayat poé ieu, pék bayangkeun sakumaha alusna aapelan emas dina wadah pérak! Éta téh luhur pisan nilaina! Kumaha parasaan Sadérék lamun éta dibikeun ka Sadérék? Tah, némbongkeun panghargaan téh siga kitu, luhur nilaina. Pikirkeun ogé: Aapelan tina emas téh awét, moal ruksak-ruksak. Sarupa kitu, lamun urang némbongkeun panghargaan ka batur, manéhna bakal inget jeung ngahargaan éta sapanjang hirupna. w19.02 15 ¶5-6
Saptu, 3 Oktober
Ayeuna manusa teh geus nyaho ka nu goreng jeung ka nu hade, teu beda ti urang.—Kaj. 3:22.
Waktu Adam jeung Hawa ngadahar buah ti tangkal anu méré pangarti pikeun ngabédakeun nu hadé ti nu goréng, éta ngabuktikeun yén maranéhna teu percaya ka Yéhuwa sarta papakon-Na. Maranéhna milih pikeun netepkeun sorangan naon nu hadé jeung nu goréng. Tapi, naon balukarna? Maranéhna megatkeun sosobatan jeung Yéhuwa, kaleungitan kasempetan pikeun hirup langgeng, jeung ngawariskeun dosa sarta maot ka turunanana. (Rum 5:12) Pék bandingkeun tindakan Adam sarta Hawa jeung tindakan hiji pajabat ti Etiopia nu diwawaran ku Pilipus. Pajabat éta ngahargaan pisan naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa jeung Yésus nepi ka langsung ménta dibaptis. (Ras. 8:34-38) Lamun urang ngabaktikeun diri ka Allah tuluy dibaptis siga pajabat éta, urang ngabuktikeun kalawan jelas yén urang ngahargaan naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa jeung Yésus ka urang. Urang gé némbongkeun yén urang percaya ka Yéhuwa jeung ngaku yén Mantenna wungkul nu bisa nangtukeun naon nu hadé jeung nu goréng. w19.03 2 ¶1-2
Minggu, 4 Oktober
Urang moal nyingkirkeun kasatiaan urang!—Ayub 27:5, ”NW”.
Kumaha hamba-hamba Allah némbongkeun kasatiaan? Ku cara némbongkeun kanyaah nu kuat jeung sapinuh haté ka Yéhuwa. Hasilna, maranéhna bakal terus ngalampahkeun sagala hal nu kamanah ku Mantenna. Dina Alkitab, kecap Ibrani nu ditarjamahkeun jadi ”kasatiaan” hartina: lengkep, teu aya cacadna, atawa sagemblengna. Misalna, sato nu rék dikurbankeun ka Yéhuwa teu meunang aya cacadna. (Ima. 22:21, 22) Umat Allah teu meunang ngurbankeun sato nu sukuna buntung, ceulina sapat, pécak, atawa gering. Sato nu lengkep, teu aya cacadna, atawa sagemblengna téh dianggap penting ku Yéhuwa. (Mal. 1:6-9) Urang bisa paham ku naon ieu téh penting keur Yéhuwa. Waktu rék barang beuli, misalna buah, buku, atawa pakakas naon waé, urang embung lamun aya bagian nu buruk, bolong, atawa coplok. Urang hayang nu dibeuli ku urang téh lengkep, teu aya cacadna, atawa sagemblengna. Kitu ogé Yéhuwa. Mantenna hoyong kanyaah jeung kasatiaan urang lengkep, teu aya cacadna, atawa sagemblengna. w19.02 3 ¶3
Senén, 5 Oktober
Kumaha cintana abdi kana hukum Gusti, sadinten jeput kaemut-emut.—Jab. 119:97.
Pikeun ngajaga haté, urang teu ngan saukur kudu nampik pangaruh nu salah, tapi ogé kudu narima pangaruh nu positif. Baheula di kota-kota nu dibénténgan, nu jaga lawang bakal nutup gerbang lamun aya musuh nu nyerang, tapi bakal muka gerbang lamun aya kiriman dahareun jeung kaperluan séjénna. Lamun gerbang tara dibuka, penduduk kota bakal kalaparan. Sarupa kitu, urang kudu rutin muka haté pikeun narima pangaruh tina cara pikir Allah. Alkitab eusina pikiran Yéhuwa. Jadi unggal maca Alkitab, pikiran, parasaan, jeung lalampahan urang dipangaruhan ku cara pikir Yéhuwa. Kumaha urang bisa meunang saloba-lobana mangpaat tina maca Alkitab? Koncina ngadoa, supaya urang bisa ’ningal hal-hal nu narik ati’ tina Firman-Na. (Jab. 119:18) Urang ogé kudu ngalenyepan naon nu dibaca. Ku cara ngadoa, maca, jeung ngalenyepan, Firman Allah bakal ’nyangreud dina ati’. Ku kituna, urang bakal resep kana cara pikir Yéhuwa.—Sil. 4:20-22. w19.01 18 ¶14-15
Salasa, 6 Oktober
Salawasna kudu muji ka Allah.—Ibr. 13:15.
Yéhuwa apal kasanggupan jeung kaayaan urang téh béda-béda. Mantenna ngahargaan kurban nu bisa disanggakeun ku urang. Pikirkeun rupa-rupa kurban ti bangsa Israil nu kamanah ku Mantenna. Sababaraha urang Israil sanggup ngurbankeun domba atawa embé. Tapi, nu teu mampuh mah meunang ngurbankeun ”japati atawa tikukur dua siki”. Sakirana manéhna teu sanggup méré manuk, Yéhuwa gé narima ”sapersapuluh éfa tipung lemes”. (Ima. 5:7, 11, NW) Tipung téh leuwih murah, tapi Yéhuwa tetep ngahargaan kurban éta, salila éta téh ”tipung lemes”. Nepi ka ayeuna gé Allah teu barobah. Waktu urang méré koméntar, Mantenna teu miharep urang kabéh pinter nyarita kawas Apolos atawa bisa ngayakinkeun batur kawas Paulus. (Ras. 18:24; 19:8) Yéhuwa miharep urang méré koméntar nu panghadéna sakamampuh urang. Pék inget deui randa nu nyumbangkeun duit tambaga dua geblég. Manéhna dihargaan ku Yéhuwa lantaran geus méré nu panghadéna.—Luk. 21:1-4. w19.01 8-9 ¶3-5
Rebo, 7 Oktober
Maraneh bakal dipikageuleuh ku unggal jelema lantaran anut ka Kami.—Mat. 10:22.
Murid Kristus mah teu héran lamun dipikageuleuh. Yésus nganubuatkeun yén murid-muridna bakal dikaniaya kalawan kejem di ahir jaman. (Mat. 24:9; Yoh. 15:20) Nubuat Yésaya ngélingan urang yén musuh-musuh téh teu ngan saukur geuleuh, tapi bakal ngagunakeun rupa-rupa senjata pikeun ngalawan urang. Senjata-senjata ieu kaasup kabohongan nu katingalina bener, kabohongan nu terang-terangan, jeung panganiayaan nu kejem. (Mat. 5:11) Yéhuwa moal ngeureunkeun musuh-musuh ngagunakeun senjata ieu. (Epe. 6:12; Wahyu 12:17) Tapi, urang teu kudu sieun. Yéhuwa nyarios yén ”satiap pakarang” nu dipaké keur nyerang urang ”moal matak kua-kieu”. (Yes. 54:17) Siga témbok nu ngalindungan urang tina angin topan nu ngaruksak, Yéhuwa bakal ngalindungan urang ti ”jalma-jalma lalim”. (Yes. 25:4, 5) Musuh moal bisa ngaleungitkeun harepan urang pikeun hirup langgeng. (Yes. 65:17) Rék sakumaha hébatna atawa seringna musuh ngalawan urang, hasilna tetep sarua: Kabéh musuh umat Allah ”tangtu paraeh”.—Yes. 41:11, 12. w19.01 6-7 ¶13-16
Kemis, 8 Oktober
Di mana aya Roh Pangeran,aya kamerdekaan.—2 Kor. 3:17.
Budak ngora, Yéhuwa resep kana kabébasan, jeung nyiptakeun hidep pikeun resep ogé kana kabébasan. Tapi, Mantenna hoyong hidep ngagunakeun kabébasan ku cara nu bijaksana sangkan hidep teu keuna balukar goréng. Meureun aya babaturan nu sok lalajo pornografi, lalampahanana cabul, milu olahraga nu bahaya, atawa nyalahgunakeun narkoba jeung alkohol. Katingalina mah éta pikaresepeun, tapi balukarna seringna mah goréng, siga panyakitan, kacanduan, malahan maot. (Gal. 6:7, 8) Budak ngora nu ngalakukeun hal ieu ngarasa bébas, padahal mah henteu. (Tit. 3:3) Sabalikna, teu aya jalma nu jadi gering jeung maot lantaran taat ka Yéhuwa. Jadi, taat téh alus keur kaséhatan jeung bisa bener-bener ngabébaskeun urang. (Jab. 19:8-12) Lamun hidep milih pikeun taat ka hukum jeung prinsip Allah nu sampurna, éta hartina hidep ngagunakeun kabébasan ku cara nu bijaksana. Lamun éta dilampahkeun, hidep némbongkeun ka Allah jeung ka kolot yén hidep téh bisa dibéré leuwih loba kapercayaan jeung kabébasan.—Rum 8:21, SF. w18.12 19 ¶16-17
Jumaah, 9 Oktober
Lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal.—Kaj. 2:24.
Aya loba parobahan sanggeus Adam ngadosa. Salah sahijina manusa jadi maot. Hal ieu mangaruhan perkawinan. Rasul Paulus ngomong ka urang Kristen yén perkawinan téh enggeusan waktu salaki atawa pamajikan maot. Ku kituna, batur hirupna meunang kawin deui. (Rum 7:1-3) Hukum Allah ka bangsa Israil ngajéntrékeun aturan ngeunaan perkawinan. Contona, lalaki Israil diidinan pikeun boga leuwih ti hiji pamajikan. Kabiasaan ieu téh geus aya ti saacan Allah masihan Hukum Musa. Tapi, Hukum téh ngalindungan kaom awéwé jeung barudak. Misalna, lamun aya saurang lalaki Israil nu kawin jeung badéga tuluy boga pamajikan kadua, manéhna kudu nyumponan pangabutuh pamajikanana nu kahiji sakumaha saacanna. Allah nitah manéhna pikeun terus ngajaga jeung ngurus kabutuhan pamajikanana nu kahiji. (Bud. 21:9, 10) Kiwari, urang teu nuturkeun Hukum Musa. Tapi, urang jadi paham yén Allah téh ngajénan pisan perkawinan. Ieu ngabantu urang pikeun ngalampahkeun nu sarua. w18.12 9-10 ¶3, 5-6
Saptu, 10 Oktober
Hese dipercayana ku maraneh upama ngan ngadenge caritana.—Hab. 1:5.
Sanggeus ngungkabkeun kahariwanganana ka Yéhuwa, Habakuk bisa jadi hayang nyaho kumaha réaksi Yéhuwa. Sabagé Bapa nu nyaahan, Yéhuwa paham kana parasaan Habakuk. Mantenna apal Habakuk téh keur susah jeung ménta pitulung-Na. Jadi, Yéhuwa teu nyarékan Habakuk, tapi masihan terang yén urang Yuda nu teu satia sakeudeung deui bakal dihukum. Bisa jadi Habakuk téh nu pangmimitina dibéré nyaho ngeunaan hal ieu. Yéhuwa ngajelaskeun yén Mantenna rék nyieun tindakan. Mantenna bakal ngahukum urang Yuda nu telenges jeung jahat. Di ayat 8 dina basa aslina, Yéhuwa nyebutkeun yén ieu bakal kajadian ”di jaman maranéh”. Ku kituna, Yéhuwa némbongkeun yén hukuman éta bakal datang waktu Habakuk sarta urang Israil nu sajaman jeung manéhna hirup kénéh. Jawaban doa ti Yéhuwa béda jeung nu diharepkeun ku Habakuk. w18.11 17 ¶7-8
Minggu, 11 Oktober
[Allah] mikahoyong supaya manusa teh kabeh salamet sarta daraek narima ka nu sayakti.—1 Tim. 2:4.
Kumaha pandangan urang ka jalma-jalma nu acan diajar bebeneran? Rasul Paulus ngawawar ka urang Yahudi nu geus wanoh ka Yéhuwa. Tapi, manéhna ogé ngawawar ka jalma-jalma nu nyembah brahala. Dina perjalanan utusan injil nu kahiji, Paulus jeung Barnabas indit ka kota Listra. Urang Likonia nu cicing di kota éta ngagul-ngagulkeun Paulus jeung Barnabas. Maranéhna disebut Déwa Hérmés jeung Déwa Zéus. Naha Paulus jeung Barnabas ngarasa agul? Naha maranéhna ngarasa senang ku parobahan ieu lantaran saacanna osok dikaniaya di dua kota saacanna? Naha maranéhna mikir yén meungpeung keur diagul-agul maranéhna bisa mantuan jalma-jalma narima warta hadé? Henteu! Maranéhna langsung ngagero, ”Nanaonan, dulur-dulur? Kaula manusa cara aranjeun!”—Ras. 14:8-15. w18.09 4-5 ¶8-9
Senén, 12 Oktober
Aranjeun tacan tarerang, jelema jahat moal bisa jadi umat Karajaan Allah. . . . Bareto sabagian aranjeun aya anu hirupna kitu. Tapi ayeuna aranjeun geus dinyatakeun beresih tina dosa, . . . geus diangken bener.—1 Kor. 6:9, 11.
Waktu urang diajar bebeneran tuluy nuturkeun papakon Alkitab, urang kudu réla ngarobah cara pikir jeung lalampahan urang. Rasul Pétrus nulis, ”Masing ngesto ka Allah, jeung ulah nurutkeun deui kahayang-kahayang napsu anu bareto basa keur sakarep-karep keneh.” Tuluy manéhna nambahkeun, ”Masing suci kalakuan.” (1 Pet. 1:14, 15) Di kota Korinta kuno, loba nu rucah. Maranéhna kudu nyieun parobahan gedé sangkan bersih di payuneun Yéhuwa. Kiwari ogé loba nu siga kitu waktu diajar bebeneran. Pétrus ngajelaskeun hal ieu, ”Bareto hirup aranjeun milampah anu sok dipilampah ku anu henteu palercaya ka Allah, kalakuan henteu pantes, ngumbar napsu, resep mabok, ngecak ngebur, ria-ria, jeung nyarembah ka brahala.”—1 Pet. 4:3. w18.11 7 ¶13
Salasa, 13 Oktober
Kabéh nu boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng jadi palercaya.—Ras. 13:48, ”NW”.
Kumaha urang bisa manggihan jalma anu ”boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng”? Sakumaha di abad kahiji, hiji-hijina cara téh nyaéta ngawawar. Yésus ngomong ka murid-muridna, ”Lamun datang ka hiji kota atawa desa, teangan nu daekeun dianjrekan.” (Mat. 10:11) Kiwari ogé sarua. Jalma nu sombong atawa teu paduli ka Allah mah tangtu moal daék ngadéngékeun warta hadé. Ku kituna, urang néangan jalma-jalma nu rendah haté jeung nu bener-bener hayang diajar bebeneran. Hal ieu sarua jeung nu dilakukeun ku Yésus waktu jadi tukang kayu. Saacan nyieun méja, korsi, panto, rancatan, jeung sajabana, anjeunna kudu néangan heula kai nu alus. Tuluy, anjeunna nyokot kotak pakakas, ngagunakeun katarampilanana, jeung nyieun barangna. Kiwari gé urang kudu néangan heula jalma nu rendah haté, sanggeus éta kakara urang bisa ngagunakeun pakakas jeung katarampilan urang pikeun ngajadikeun maranéhna murid.—Mat. 28:19, 20. w18.10 10 ¶3-4
Rebo, 14 Oktober
Pilipus nguarkeunana hal Jurusalamet teh di hiji kota penting di Samaria.—Ras. 8:5.
Pilipus juru injil méré tuladan nu hadé. Manéhna tetep ngutamakeun palayanan teu sual parobahanana. Sakali waktu, manéhna dibéré tugas anyar di Yérusalém. (Ras. 6:1-6) Tuluy sagalana barobah. Sanggeus Stépanus dipaéhan, urang Kristen dikaniaya kalawan kejem. Jadi, maranéhna kalalabur ti Yérusalém. Lantaran Pilipus hayang tetep sibuk ngawula Yéhuwa, manéhna indit ka Samaria nu jalma-jalmana butuh warta hadé. (Mat. 10:5; Ras. 8:1) Pilipus réla indit ka mana waé luyu jeung pituduh roh suci. Jadi, manéhna digunakeun ku Yéhuwa pikeun ngawawar ka jalma-jalma nu can pernah ngadéngé warta hadé. Loba urang Yahudi nu nyapirakeun jeung jahat ka urang Samaria. Tapi, Pilipus mah teu kitu. Manéhna sumanget ngawawar ka urang Samaria. Urang Samaria gé ngadéngéna mani ”saregep pisan”! (Ras. 8:6-8) Pilipus tetep sibuk dina palayanan. Ku kituna, Yéhuwa terus ngaberkahan manéhna jeung kulawargana.—Ras. 21:8, 9. w18.10 25 ¶14-16
Kemis, 15 Oktober
Sing silih titenan, silih ajak nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah.—Ibr. 10:24.
Hiji poé, waktu Yésus keur aya di daérah Dékapolis, jalma-jalma ”mawa jelema anu nya torek nya pireu”. (Mar. 7:31-35) Yésus nyageurkeun manéhna tapi teu di hareupeun jalma réa. Ku naon? Ku sabab éta jelema téh torék, bisa jadi manéhna ngarasa risi aya di antara loba jalma. Yésus paham kana parasaanana, tuluy ”nyandak eta jelema misah ti nu rea” ka tempat nu sepi pikeun nyageurkeun manéhna. Mémang urang mah teu bisa nyieun mujijat, tapi urang bisa mikirkeun pangabutuh jeung parasaan dulur saiman urang sarta bageur ka maranéhna. Yésus paham kana parasaan jalma nu torék éta sarta bageur ka manéhna. Urang ogé kudu mikirkeun kaayaan sadérék-sadérék nu geus kolot atawa nu cacad. Ciri utama ti sidang Kristen téh kanyaah, lain gancang henteuna ngalaksanakeun hiji tugas. (Yoh. 13:34, 35) Kanyaah ngajurung urang pikeun sabisa-bisa nulungan dulur saiman nu geus kolot atawa nu cacad pikeun datang ka pasamoan atawa milu dines. Urang tetep daék mantuan maranéhna sanajan urang jadi riweuh atawa sanajan teu loba nu bisa dilakukeun ku maranéhna.—Mat. 13:23. w18.09 29 ¶7-8
Jumaah, 16 Oktober
Jembarkeun hate dulur teh supaya imanna panceg deui.—Rum 15:2.
Unggal hamba Yéhuwa dihargaan ku Mantenna jeung Yésus. (Gal. 2:20) Urang nyaah pisan ka dulur-dulur saiman, jadi urang kudu lemah lembut ka maranéhna. ”Anu kudu dijieun tujuan teh salilana kudu hal-hal anu matak pirukuneun jeung anu baris bisa dipake silih tunjang pada batur.” (Rum 14:19) Urang ngadago-dago pikeun hirup di Pirdaus, di dinya moal aya deui nu leutik haté! Di Pirdaus gé moal aya panyakit jeung perang. Jalma-jalma moal maot lantaran dosa sarta moal aya nu dikaniaya, nyanghareupan masalah kulawarga, atawa ngarasa kuciwa. Dina ahir sarébu taun, kabéh manusa bakal jadi sampurna. Kabéh nu tetep satia di ujian panungtungan bakal diaku jadi putra Allah di bumi jeung narima ”kamerdikaan kamulyaanana putra-putra Allah”. (Rum 8:21, SF) Mugia urang némbongkeun kanyaah ku cara silih kuatkeun jeung silih tulungan sangkan urang kabéh bisa asup ka dunya anyar Allah nu éndah. w18.09 11 ¶10; 13 ¶18
Saptu, 17 Oktober
Kumaha cintana abdi kana hukum Gusti, sadinten jeput kaemut-emut.—Jab. 119:97.
Diajar Firman Allah téh teu ngan saukur maca sakolébat atawa ngagarisan jawaban. Waktu keur diajar, urang mikirkeun naon nu diajarkeun bahan ieu ngeunaan Yéhuwa, naon nu dilampahkeun ku Mantenna, jeung naon nu dipikirkeun ku Mantenna. Urang ngupayakeun pikeun paham alesanana Mantenna masihan hiji paréntah atawa larangan. Urang ogé mikirkeun naon nu kudu dirobah dina lalampahan jeung cara pikir urang. Tangtu moal mungkin urang ngalenyepan éta kabéh unggal diajar. Tapi, alus lamun urang nyadiakeun waktu pikeun ngalenyepan, bisa waé satengah ti waktu diajar urang. (1 Tim. 4:15) Lamun rutin ngalenyepan Firman Allah, urang jadi yakin yén cara pikir Yéhuwa téh sampurna. Urang jadi paham kana cara pandang Mantenna, jeung ahirna urang gé satuju kana cara pandang éta. (Rum 12:2, SF) Ku cara kitu, urang mekarkeun cara pikir nu anyar. Satahap-satahap, cara pikir urang luyu jeung cara pikir Yéhuwa. w18.11 28 ¶5-6
Minggu, 18 Oktober
Urang téh batur gawé Allah.—1 Kor. 3:9, ”NW”.
Paulus ngomong yén manéhna jeung urang Kristen séjénna di abad kahiji téh batur gawé Allah lantaran maranéhna ngawawar jeung ngajar jalma-jalma ngeunaan bebeneran. (1 Kor. 3:6) Kiwari, urang ogé bisa jadi batur gawé Allah ku cara réla nyadiakeun waktu, tanaga, jeung harta banda pikeun ngawawar. Ieu téh kahormatan nu luar biasa! Urang bakal bungah pisan lamun réla nyadiakeun waktu jeung tanaga pikeun ngawawar jeung ngajar. Éta nu dirasakeun ku loba dulur saiman nu mandu palajaran Alkitab. Urang tangtu bungah ningali palajar Alkitab urang atoh waktu manéhna paham kana bebeneran, ngawangun imanna, ngarobah kahirupanana, tuluy ngamimitian nyaritakeun bebeneran ka batur. Yésus gé bungah pisan waktu ningali 70 jalma nu ”kacida barungaheunana” balik ngawawar lantaran boga pangalaman nu aralus.—Luk. 10:17-21. w18.08 18 ¶11-12
Senén, 19 Oktober
Nurut kana pikiran sorangan bae teh kalangsu.—Sil. 28:26.
Urang bisa waé ngandelkeun kanyaho sorangan. Urang ngarasa yén urang geus paham kana hiji kaayaan padahal urang can apal kabéh faktana. Urang gé osok hésé mariksa kaayaan nu sabenerna lamun éta aya patalina jeung dulur saiman nu teu akur jeung urang. Urang jadi curigaan ka manéhna. Jadi, waktu ngadéngé hal nu goréng ngeunaan manéhna, urang bisa langsung percaya sanajan can tangtu bener. Naon palajaranana? Lamun urang aya rasa ngéwa ka dulur saiman, urang bisa nyieun kasimpulan nu salah nu euweuh bukti-buktina. (1 Tim. 6:4, 5) Urang kudu miceun rasa sirik jeung timburu tina haté urang. Ulah poho yén Yéhuwa hoyong urang mikanyaah jeung réla ngahampura dulur saiman.—Kol. 3:12-14. w18.08 7 ¶15; 8 ¶18
Salasa, 20 Oktober
PANGERAN teh nu kagungan langit, . . . kitu deui bumi jeung sagala eusina.—Pam. 10:14.
Yéhuwa nu nyiptakeun manusa, éta hartina urang milik Yéhuwa. (Jab. 100:3; Wahyu 4:11) Tapi, ti sakabéh jalma nu pernah hirup, Allah milih sababaraha jalma pikeun jadi milik-Na nu istiméwa. Misalna dina Jabur 135, umat Yéhuwa nu satia di Israil kuno disebut ”milik kagungana-Na”. (Jab. 135: 4) Hoséa ogé nganubuatkeun yén sababaraha jalma nu lain Israil bakal jadi umat Yéhuwa. (Hos. 2:23) Nubuat ieu laksana waktu Yéhuwa milih jalma-jalma nu lain Israil pikeun maréntah di sawarga babarengan jeung Kristus. (Ras. 10:45; Rum 9:23-26) Maranéhna diistrénan ku roh suci jeung disebut ”bangsa suci”. Maranéhna téh ”dipilih jadi umat” Yéhuwa nu istiméwa (1 Pet. 2:9, 10) Tapi, kumaha jeung urang Kristen nu satia kiwari nu boga harepan pikeun hirup langgeng di bumi? Yéhuwa ogé nyebut maranéhna ”umat Kami”.—Yes. 65:21, 22. w18.07 21-22 ¶1-2
Rebo, 21 Oktober
Kudu nyonto kana sikep Yesus Kristus: ngantunkeun sagala kamulyaana-Na, nyasamikeun anjeun jeung jalma nu kumawula.—Pil. 2:5, 7.
Urang nyonto Yésus, nu jadi tuladan sampurna yén manusa bisa béréhan. (Mat. 20:28) Jadi, pék lenyepan, ’Naha abdi geus sabisa-bisa nyonto Yésus?’ (1 Pet. 2:21) Lamun urang miconto tuladan sampurna ti Yéhuwa jeung Yésus, urang bakal kamanah ku Mantenna. Carana nyaéta urang kudu merhatikeun jeung nulungan batur. Yésus nunjukkeun pentingna hal ieu waktu nyarita ngeunaan urang Samaria nu bageur. (Luk. 10:29-37) Anjeunna ngajar murid-muridna pikeun resep nulungan batur, teu sual saha jeung ti mana asalna. Naha Sadérék inget ku naon Yésus nyaritakeun hal éta? Ku sabab aya saurang lalaki Yahudi nu nanya ka anjeunna, ”Saha batur kaula teh?” Tina jawaban Yésus urang diajar yén saperti urang Samaria éta, urang kudu béréhan lamun hayang kamanah ku Yéhuwa. w18.08 16 ¶5-6
Kemis, 22 Oktober
Jabrail sumping ka Mariam tuluy ngalahir, ”Salam rahayu! Pangeran nyarengan ka Nyai sarta pohara ngaberkahana-Na.”—Luk. 1:28.
Naha Mariam diberkahan ku Yéhuwa lantaran geus ngurus jeung ngagedékeun Yésus? Tangtu. Allah mastikeun sababaraha hal nu diucapkeun jeung dilampahkeun ku Mariam dicatet dina Alkitab. Katingalina, Mariam teu milu waktu Yésus ngawawar salila tilu taun satengah. Bisa jadi lantaran geus ngaranda, manéhna kudu cicing di Nasarét. Jadi, manéhna teu bisa ngalaman loba kajadian nu luar biasa siga batur. Tapi, manéhna nyarengan waktu Yésus maot. (Yoh. 19:26) Ka dieunakeun, Mariam aya di Yérusalém bareng jeung murid-murid Yésus saacan nampa roh suci dina poé Péntakosta. (Ras. 1:13, 14) Katingalina, manéhna diistrénan bareng jeung murid-murid séjénna. Mun kitu, manéhna boga kasempetan pikeun babarengan deui jeung Yésus di sawarga salalanggengna. Ieu ganjaran nu panghadéna! w18.07 6 ¶11; 7 ¶14
Jumaah, 23 Oktober
Kudu reujeung maksud ngamulyakeun ka Allah.—1 Kor. 10:31.
Yésus ngagunakeun prinsip pikeun ngajar murid-muridna yén sikep jeung lalampahan urang aya balukarna. Misalna, anjeunna ngajarkeun yén amarah ngabalukarkeun katelengesan sarta pikiran nu cabul ngabalukarkeun jinah. (Mat. 5:21, 22, 27, 28) Haté sanubari urang dilatih waktu urang ngalarapkeun prinsip Yéhuwa dina kahirupan. Ku kituna, urang bisa nyieun putusan nu mawa kamulyaan ka Allah. Sanajan urang Kristen geus ngalatih haté sanubarina ku Alkitab, putusan maranéhna ngeunaan hiji hal bisa béda jeung batur. Contona téh ngeunaan nginum alkohol. Alkitab teu nyaram nginum alkohol, tapi mépélingan urang sangkan ulah loba teuing nginum atawa mabok. (Sil. 20:1; 1 Tim. 3:8) Naha ieu hartina salila urang teu loba nginum, urang teu kudu mikirkeun hal-hal séjénna? Henteu. Sanajan haté sanubari urang teu kaganggu waktu nginum alkohol, urang tetep kudu mikirkeun haté sanubari batur. w18.06 18 ¶10-11
Saptu, 24 Oktober
Maraneh kudu ati-ati ku ragi urang Parisi jeung ragi Herodes.—Mar. 8:15.
Yésus mépélingan murid-muridna pikeun nyingkahan ”ragi”, nyaéta pangajaran, ti urang Parisi, urang Saduki, jeung partéy nu ngadukung Hérodés. (Mat. 16:6, 12) Yésus méré pépéling ieu téh teu lila sanggeus jalma-jalma rék ngajadikeun anjeunna raja. Lamun agama pipilueun dina masalah pulitik, biasana balukarna katelengesan. Yésus ngajar murid-muridna pikeun tetep nétral. Éta sababna imam kapala jeung urang Parisi hayang maéhan Yésus. Maranéhna sieun jalma-jalma bakal ngadéngékeun Yésus tuluy ninggalkeun maranéhna. Lamun ieu kajadian, kakawasaan agama jeung pulitik maranéhna bakal leungit. Ceuk maranéhna, ”Lamun terus diantep, jelema-jelema tangtu biluk kabeh palercaya ka Manehna. Tungtungna engke bangsa urang digempur ku pamarentah Rum, Bait Allah tangtu ancur!” (Yoh. 11:48) Jadi, Imam Agung Kayapas ngarencanakeun rék maéhan Yésus.—Yoh. 11:49-53; 18:14. w18.06 7 ¶12-13
Minggu, 25 Oktober
Tembongkeun kanyaah reujeung iklas.—Rum 12:9.
Eupan Sétan téh nyaéta rasa panasaran kana hal-hal gaib. Kiwari, Sétan ngagunakeun agama palsu jeung hiburan sangkan jalma-jalma panasaran ka roh-roh jahat. Dina film, video game, jeung hiburan séjénna, hal-hal gaib katingali pikaresepeun. Kumaha cara nyingkahanana? Organisasi Allah moal méré daptar ngeunaan hiburan nu hadé jeung goréng. Urang kudu ngalatih haté sanubari sangkan bisa nyieun pilihan nu hadé luyu jeung prinsip-prinsip Yéhuwa. (Ibr. 5:14) Lamun ngalarapkeun naséhat Paulus dina ayat poé ieu, urang bakal nyieun pilihan nu bijaksana. Jadi, waktu rék milih hiburan, pék lenyepan, ’Naha prinsip-prinsip nu diajarkeun ka batur téh dilampahkeun ogé ku abdi? Naon nu bakal dipikirkeun ku palajar Alkitab jeung jalma-jalma nu minat lamun ningali hiburan nu dipilih ku abdi?’ Ku cara nuturkeun prinsip-prinsip nu diajarkeun ka batur, urang bakal leuwih gampang nampik eupan Sétan.—1 Yoh. 3:18. w18.05 19 ¶13
Senén, 26 Oktober
Pohara gedena kahayang sim kuring supaya bangsa sim kuring disalametkeun. Jeung sim kuring teh bener-bener neneda ka Allah, sangkan hal eta kajadian.—Rum 10:1.
Kumaha urang bisa nyonto Paulus? Kahiji, urang kudu bener-bener hayang néangan jalma nu daék diajar. Kadua, urang bisa sasambat ka Yéhuwa sangkan jalma-jalma daék ngadéngékeun. (Ras. 16:14) Ieu nu dilakukeun ku Silvana, nu geus naratas ampir 30 taun. Ceuk manéhna, ”Saacan ngawawar ka hiji imah di daérah abdi, abdi ngadoa ka Yéhuwa sangkan boga sikep nu positif.” Urang gé bisa ngadoa sangkan malaikat ngabantu urang manggihan jalma-jalma nu daék ngadéngékeun. (Mat. 10:11-13; Wahyu 14:6) Robert, nu geus naratas leuwih ti 30 taun, ngomong, ”Kacida resepna digawé sabilulungan jeung malaikat nu apal kaayaan nu boga imah.” Katilu, urang ngupayakeun ningali kahadéan ti unggal jalma jeung nganggap manéhna bisa jadi hamba Yéhuwa. Carl, saurang kokolot, ngomong, ”Abdi merhatikeun hal-hal leutik nu nyirikeun yén hiji jalma boga minat, saperti imutna, kasoméahanana, atawa pananyana.” Lamun urang ogé ngalakukeun ieu, urang bisa ”baruahan bari jeung sabar tawekal” sakumaha Paulus. w18.05 6-8 ¶13, 15
Salasa, 27 Oktober
Sing silih titenan, . . . sing silih gedekeun hate, sabab Poe pisumpingeunana Gusti geus beuki deukeut.—Ibr. 10:24, 25.
Urang bungah waktu ngadéngé yén jalma-jalma nu dibantu ku urang baheula tetep satia nepi ka ayeuna. Rasul Yohanes nulis, ”Teu aya deui anu matak leuwih bungah salian ti nguping nu jadi anak bener lampahna.” (3 Yoh. 4) Loba panaratas ngarasa reueus pisan waktu nyaho yén jalma nu baheula dibantu kenal kana bebeneran masih kénéh satia ngawula Yéhuwa, malahan naratas. Jadi, lamun aya panaratas nu keur leutik haté, urang bisa ngingetkeun manéhna kana sagala kahadéan nu geus dihasilkeun ku manéhna. Loba pangawas wilayah ngomong yén manéhna jeung pamajikanana ngarasa ditegerkeun haténa waktu narima surat atawa kartu nu nganuhunkeun kadatangan maranéhna ka hiji sidang. Ieu ogé nu dirasakeun ku para kokolot, misionaris, panaratas, jeung anggota kulawarga Bétel nu geus satia ngawula Yéhuwa. Urang bisa negerkeun haté maranéhna lamun urang nganuhunkeun upaya maranéhna. w18.04 24-25 ¶14-15
Rebo, 28 Oktober
Raja ulah loba pamajikan, bisi matak ingkar ti PANGERAN.—Pam. 17:17.
Hukum ieu dilanggar ku Suléman. Manéhna ngadon boga 700 pamajikan jeung 300 gundik! (1 Rja. 11:3) Lolobana téh ti bangsa séjén nu nyembah brahala. Ti dieu, Suléman ogé ngalanggar hukum Allah nu ngalarang urang Israil kawin ka bangsa séjén. (Pam. 7:3, 4) Saeutik-saeutik, kanyaah Suléman ka hukum Yéhuwa jadi laas. Tungtungna, manéhna ngalakukeun kasalahan nu gedé. Manéhna ngawangun altar keur Déwi Astorét jeung Déwa Kamos, tuluy nyembah ka brahala éta bareng jeung pamajikanana. Suléman ngawangun altarna téh di gunung hareupeun Yérusalém, tempat manéhna ngawangun bait Yéhuwa! (1 Rja. 11:5-8; 2 Rja. 23:13) Bisa jadi Suléman ngabobodo manéh ku cara mikir yén Yéhuwa bakal ngabaékeun kasalahanana salila manéhna méré kurban di bait. Tapi, Yéhuwa tara ngabaékeun dosa. w18.07 16-17 ¶7-9
Kemis, 29 Oktober
Gunakeun kapercayaan ka Pangeran minangka jadi tamengna . . . aranjeun bakal bisa mareumkeun panah-panah seuneu anu dilepas ku si Jahat.—Epe. 6:16.
Naon ”panah-panah seuneu” Sétan téh? Bisa jadi ieu mangrupa kabohongan-kabohongan ngeunaan Yéhuwa, misalna Yéhuwa teu nyaah jeung teu paduli ka hidep. Ceuk Ida, 19 taun, ”Sakapeung, abdi teu ngarasa deukeut jeung Yéhuwa, sarta ngarasa Mantenna embung jadi Sobat abdi.” Naon nu dilakukeun manéhna waktu ngarasa kitu? ”Datang ka pasamoan nguatkeun iman abdi. Baheula abdi mah ngan saukur diuk, tara méré koméntar da rarasaan mah batur gé moal ngadéngékeun. Tapi ayeuna, abdi nyiapkeun bahan pasamoan jeung méré koméntar dua atawa tilu kali. Taméng prajurit ukuranana moal robah.” Tapi tina pangalaman Ida, urang diajar yén iman mah bisa ngagedéan atawa ngaleutikan, ogé bisa jadi beuki kuat atawa beuki lemah. Éta mah pilihan. (Mat. 14:31; 2 Tes. 1:3) Urang bisa dilindungan ku taméng kapercayaan lamun iman urang beuki gedé jeung kuat! w18.05 24-25 ¶12-14
Jumaah, 30 Oktober
Kedah kumaha abdi teh supaya salamet?—Ras. 16:30.
Kapala panjara ngarobah sikepna jeung ménta bantuan téh sanggeus aya lini. (Ras. 16:25-34) Kitu ogé, sababaraha jalma nu tadina teu daék narima warta Alkitab ngarobah sikepna tuluy néangan bantuan sanggeus ngalaman kasusah. Bisa jadi sababaraha jalma ngadadak susah lantaran dipecat tina pagawéanana atawa pepegatan. Nu séjénna ngarasa sedih pisan waktu nyaho yén manéhna boga panyakit nu parna atawa waktu dikantunkeun ku jalma nu dipikanyaah. Waktu nyanghareupan masalah siga kieu, jalma-jalma bisa waé jadi mikirkeun arti kahirupan, nu teu kapikirkeun saacanna. Malahan, bisa jadi maranéhna mikir, ’Kedah kumaha abdi téh supaya salamet?’ Maranéhna jadi daék ngadéngékeun warta pangharepan sarta bisa jadi ieu téh nu mimiti keur maranéhna. Jadi, lamun terus satia ngawawar, urang siap ngabantu jalma-jalma waktu maranéhna butuh panglilipur.—Yes. 61:1. w18.05 12 ¶10-12
Saptu, 31 Oktober
Roh Pangeran ngauban Kami. Sabab Kami ku Mantenna ditangtukeun kudu mawa warta pikabungaheun.—Luk. 4:18.
Kiwari, loba jalma dipoékkeun ku Sétan nepi ka teu sadar geus jadi badégana agama palsu, harta banda, jeung sistim pulitik. (2 Kor. 4:4) Saperti Yésus, urang boga hak istiméwa pikeun mantuan loba jalma sangkan wanoh jeung ibadah ka Yéhuwa, Allah kabébasan. (Mat. 28:19, 20) Ngawawar téh teu salawasna gampang. Di sababaraha tempat, jalma-jalma embung wanoh ka Allah, malahan aya nu nepi ka ambek lantaran urang ngawawar ka maranéhna. Tapi, lantaran Yéhuwa maréntahkeun urang pikeun ngawawar, urang kudu mikirkeun, ’Naha abdi ngagunakeun kabébasan pikeun ningkatkeun dines ka Yéhuwa?’ Urang dikuatkeun lantaran loba hamba Yéhuwa nyaho yén ahir dunya ieu geus téréh sarta nyaderhanakeun hirupna pikeun naratas. (1 Kor. 9:19, 23) Sababaraha sadérék naratas di daérahna sorangan, tapi aya ogé nu pindah ka sidang nu kurang pawarta. Bungah pisan ningali loba nu ngagunakeun kabébasanana pikeun ngawula Yéhuwa ku cara ieu!—Jab. 110:3. w18.04 13 ¶13-14