PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lff bab 55
  • Dukung Sidang Anjeun

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Dukung Sidang Anjeun
  • Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • HAYU NGULIK
  • INTI BAB
  • TINGALI OGÉ
  • Nganuhunkeun ka Yéhuwa kana Kanyaah Sadérék
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
  • ’Nyumbangkeun pangbakti ka PANGERAN’
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2018
  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Pagawéan jeung Duit?
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Kumaha Kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa Dibiayaan?
    Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
Tingali Ogé
Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
lff bab 55
Bab 55. Sadérék-sadérék bebersih téras Balé Karajaan.

BAB 55

Dukung Sidang Anjeun

Édisi nu Dicitak
Édisi nu Dicitak
Édisi nu Dicitak

Di sakuliah dunya, jutaan jalma ibadah ka Yéhuwa di sidang-sidang. Maranéhna ngahargaan pituduh-pituduh sarta bingbingan nu ditepikeun di sidang. Maranéhna gé hayang ngadukung sidang ku loba cara. Na anjeun gé hayang ngadukung sidang anjeun?

1. Kumaha anjeun bisa ngagunakeun waktu jeung tanaga pikeun ngadukung sidang?

Urang kabéh bisa méré bantuan ka sidang. Misalna, na di sidang anjeun aya nu geus sepuh atawa lemah fisik? Mun rék masamoan, meureun anjeun bisa nyampeur jeung nganteur manéhna. Atawa, anjeun meureun bisa mantuan balanja jeung bébérés imahna. (Baca Yakobus 1:27.) Terus, urang gé bisa milu ngabersihan jeung ngarawat Balé Karajaan urang. Teu aya nu maksa urang pikeun ngalakukeun hal-hal ieu. Urang sukaréla ngalakukeunana lantaran nyaah ka Allah jeung ka dulur-dulur saiman.​—Jabur 110:3.

Nu geus dibaptis téh bisa ngalakukeun leuwih loba hal pikeun ngadukung sidang. Misalna, sadérék pameget nu geus minuhan sarat tina Alkitab bisa jadi palayan sidang jeung engkéna bisa jadi kokolot. Terus, sadérék pameget jeung sadérék istri bisa leuwih ngadukung kagiatan pangwawaran ku cara jadi panaratas. Aya ogé nu mantuan ngabangun tempat-tempat ibadah atawa pindah ka daérah nu sidangna ngabutuhkeun bantuan.

2. Kumaha urang bisa ngagunakeun harta banda pikeun ngadukung sidang?

Urang bisa ngahormat Yéhuwa ku harta banda urang. (Siloka 3:9) Urang bungah lantaran bisa nyumbangkeun duit jeung pangaboga urang pikeun ngadukung sidang jeung kagiatan pangwawaran di sakuliah dunya. (Baca 2 Korintus 9:7.) Sumbangan urang gé dipaké pikeun mantuan dulur-dulur saiman nu keuna musibat alam. Loba nu ”nyisihkeun duit” supaya bisa rutin méré sumbangan. (Baca 1 Korintus 16:2.) Urang bisa ngasupkeun duit kana kotak sumbangan nu aya di tempat pasamoan atawa méré sumbangan online liwat donate.jw.org. Ieu téh kasempetan ti Yéhuwa supaya urang bisa nunjukkeun kanyaah ka Anjeunna.

HAYU NGULIK

Tingali ku cara naon waé anjeun bisa ngadukung sidang.

3. Urang bisa ngagunakeun harta banda urang

Yéhuwa jeung Isa nyaah ka jalma nu méré bari jeung suka bungah. Misalna, Isa muji saurang randa miskin nu méré sumbangan ka Yéhuwa. Baca Lukas 21:1-4, terus bahas:

  • Na urang kudu nyumbangkeun loba duit pikeun nyenangkeun Yéhuwa?

  • Kumaha parasaan Yéhuwa jeung Isa lamun urang sukaréla méré sumbangan?

Pikeun ningali sumbangan urang digunakeun jang naon waé, setél VIDÉO. Terus bahas:

VIDÉO: ’Nyumbangkeun Pangbakti ka PANGERAN’ (4:47)

  • Sumbangan urang digunakeun jang naon waé?

Saurang sadérék istri nu geus sepuh ngasupkeun duit kana kotak sumbangan.

4. Urang bisa ngarélakeun diri pikeun méré bantuan

Dina jaman baheula, hamba-hamba Yéhuwa nyumbangkeun duit pikeun ngurus tempat ibadah. Tapi, teu ngan éta hungkul. Maranéhna gé sumanget miluan ngurus tempat ibadah. Baca 2 Babad 34:9-11, terus bahas:

  • Kumaha unggal urang Israél mantuan ngurus imah Yéhuwa, atawa tempat ibadah maranéhna?

Pikeun ningali kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa nyonto tuladan ti hamba-hamba Allah dina jaman baheula, setél VIDÉO. Terus bahas:

VIDÉO: Ngurus Tempat Ibadah Urang (3:31)

Gambar dina vidéo ’Ngurus Tempat Ibadah Urang’. Lalaki, awéwé, jeung barudak leutik bebersih bagian jero Balé Karajaan.
  • Ku naon urang kudu ngurus jeung ngajaga Balé Karajaan supaya tetep bersih jeung alus?

  • Naon waé nu bisa anjeun lakukeun pikeun mantuan ngurus Balé Karajaan?

Sakelompok Saksi ngarélakeun diri pikeun mantuan ngabangun Balé Karajaan.

5. Sadérék pameget bisa upaya pikeun meunangkeun leuwih loba tanggung jawab

Alkitab ngajurung para priya Kristen pikeun sabisa-bisana ngadukung sidang. Pikeun ningali contona, setél VIDÉO. Terus bahas:

VIDÉO: Sadérék Pameget, Pék Upayakeun Pagawéan nu Hadé (5:19)

  • Kumaha Ryan ngupayakeun pikeun leuwih ngadukung sidang?

Alkitab méré nyaho sarat-sarat naon waé nu kudu dipinuhan ku sadérék pameget nu hayang jadi palayan sidang jeung kokolot. Baca 1 Timotius 3:1-13, terus bahas:

  • Sarat-sarat naon waé nu kudu dipinuhan ku sadérék pameget nu hayang jadi palayan sidang jeung kokolot?

  • Kulawargana kudu kumaha?​—Tingali ayat 4 and 11.

  • Lamun sadérék pameget ngupayakeun pikeun minuhan sarat-sarat éta, naon mangpaatna keur kabéh anggota sidang?

Sadérék ngora ngawawar bareng jeung sadérék nu geus sepuh sarta ngadorong korsi rodana.

MUN AYA NU NANYA: ”Kumaha kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa dibiayaan?”

  • Anjeun bakal ngajawab naon?

INTI BAB

Yéhuwa bener-bener ngahargaan mun urang ngagunakeun waktu, tanaga, jeung harta banda pikeun ngadukung sidang.

Nu geus dibahas

  • Kumaha urang bisa ngagunakeun waktu jeung tanaga pikeun ngadukung sidang?

  • Kumaha urang bisa ngagunakeun harta banda pikeun ngadukung sidang?

  • Anjeun hayang ngalakukeun naon waé pikeun ngadukung sidang?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Tingali ku naon ayeuna Allah geus teu ngawajibkeun umat-Na pikeun méré perpuluhan.

”Kumaha Ceuk Alkitab ngeunaan Perpuluhan?” (Artikel dina jw.org)

Kumaha lamun sadérék istri kapaksa kudu ngajalankeun tugas nu biasana dijalankeun ku sadérék pameget?

”Kudu Paham kana Wewenang Kokolot di Sidang” (Warta Hadé Pébruari 2021)

Tingali sababaraha sadérék nu wani jeung réla nyieun pangorbanan pikeun ngirimkeun bahan-bahan bacaan keur dulur-dulur saiman.

Ngirimkeun Bacaan Alkitab di Kongo (4:25)

Cara Saksi Yéhuwa ngabiayaan kagiatanana téh béda pisan jeung agama séjén.

”Kumaha Kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa Dibiayaan?” (Artikel dina jw.org)

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun