Pébruari
Senén, 1 Pébruari
[Yéhuwa] cinta . . . kaadilan.—Jab. 33:5.
Kecap ”kaadilan” nu digunakeun dina Alkitab hartina ngalampahkeun nu bener di pandangan Allah jeung teu ngabéda-béda jalma. Tindakan Yésus némbongkeun yén anjeunna téh adil. Di jaman Yésus, para pamingpin agama Yahudi ngéwa ka nu lain Yahudi, nyapirakeun jalma biasa, jeung teu ngahargaan awéwé. Tapi, Yésus mah adil jeung tara ngabéda-béda. Jalma nu lain Yahudi nu boga iman ka anjeunna ditarima jadi muridna. (Mat. 8:5-10, 13) Waktu ngawawar, anjeunna teu ngabéda-béda boh ka nu beunghar boh ka nu miskin. (Mat. 11:5; Luk. 19:2, 9) Anjeunna tara kasar ka awéwé. Sabalikna, anjeunna ngahargaan jeung bageur ka maranéhna, kaasup ka nu dianggap hina ku batur. (Luk. 7:37-39, 44-50) Urang bisa nyonto Yésus ku cara teu ngabéda-béda jalma sarta ngawawar ka saha waé nu daék ngadéngékeun, teu sual kaayaan sosial jeung agamana. Sadérék pameget nyonto tuladan Yésus ku cara ngajénan sadérék istri. w19.05 2 ¶1; 5 ¶15-17
Salasa, 2 Pébruari
Sim kuring sakitu darehdehna ka aranjeun, mani kawas indung rumawat ka anak.—1 Tes. 2:7.
Kiwari, para kokolot ogé bisa ngagunakeun kekecapan nu lemah lembut waktu ngagunakeun Alkitab pikeun ngalilipur nu ngabutuhkeun. Naha kokolot wungkul nu bisa ngalilipur korban pelécéhan? Henteu. Urang kabéh boga tanggung jawab pikeun ”silih hatean jeung batur”. (1 Tes. 4:18) Nu hususna bisa ngalilipur sadérék istri téh nyaéta sadérék istri nu asak rohani. Yéhuwa gé nyaruakeun diri-Na jeung indung nu ngupahan budakna. (Yes. 66:13) Alkitab ogé nyebutkeun para awéwé nu ngalilipur jalma nu keur strés. (Ayub 42:11) Yéhuwa tangtu bungah pisan ningali sadérék istri nu nguatkeun sadérék istri séjénna nu keur susah haté! Dina sababaraha kaayaan, hiji atawa dua kokolot sacara bijaksana bisa nanya ka sadérék istri nu asak rohani naha manéhna bisa ngabantu sadérék istri nu butuh dililipur. Urang tangtu moal tatanya hal-hal nu embung dicaritakeun ku dulur saiman urang.—1 Tes. 4:11. w19.05 16-17 ¶10-12
Rebo, 3 Pébruari
Pikeun netelakeun yen anu dituding teh enya salah, kudu kasaksian ku duaan atawa tiluan.—Mat. 18:16.
Ku naon kudu aya dua saksi saacan kokolot sidang bisa ngabuktikeun yén saurang jalma nyieun dosa gedé? Lantaran ieu téh papakon Alkitab ngeunaan kaadilan. Lamun nu nyieun dosana teu ngaku, butuh dua saksi pikeun mastikeun yén tuduhanana bener jeung para kokolot bisa ngayakeun panitia pangadilan. (Pam. 19:15; 1 Tim. 5:19) Lamun jalma nu dituduhna nyangkal, kokolot kudu ngadéngékeun kasaksian ti jalma séjén nu apal kajadianana. Panitia pangadilan bisa diayakeun lamun sahenteuna aya dua saksi. Saksi nu kahiji téh nu ngalapor, jeung nu hijina deui nu bisa neguhkeun yén tuduhan éta téh bener. Lamun euweuh saksi nu kadua, can tangtu tuduhan éta teu bener. Sanajan teu aya dua saksi nu bisa neguhkeun benerna tuduhan éta, para kokolot sadar yén nu dituduh bisa jadi geus ngalakukeun dosa gedé. Para kokolot bakal terus ngalilipur korban jeung kulawargana nu geus dinyenyeri, ogé bakal terus waspada ngalindungan sidang.—Ras. 20:28. w19.05 11 ¶15-16
Kemis, 4 Pébruari
Pake, lampahkeun, abdikeun diri kana hal eta, supaya tembong ku sarerea yen hidep aya kamajuan.—1 Tim. 4:15, 16.
Penting sangkan kolot ngajar budak carana diajar. Misalna, budak bisa diajar carana nyiapkeun bahan pasamoan atawa carana ngarisét lamun aya masalah di sakola. (Ibr. 5:14) Lamun maranéhna nyadiakeun waktu pikeun diajar di imah, maranéhna jadi leuwih gampang merhatikeun acara pasamoan jeung kongrés, nu teu kabéh aya vidéona. Tangtu, lilana diajar gumantung kana umur jeung émosi budak. Urang ogé kudu méré nyaho carana diajar ka palajar Alkitab. Waktu keur anyaran, urang resep ningali manéhna ngagarisan jawaban pikeun palajaran Alkitab atawa acara pasamoan. Tapi, urang gé kudu ngajar manéhna carana ngarisét jeung palajaran pribadi. Jadi, waktu aya masalah, manéhna moal langsung ménta bantuan ka nu séjén di sidang, tapi bakal nyaho carana ngarisét tina publikasi pikeun ngaréngsékeun masalahna. w19.05 26 ¶2; 28 ¶10-11
Jumaah, 5 Pébruari
Ngaruntuhkeun tiap-tiap sipat sombong anu ngadingding ngahalangan kanyaho ka Allah.—2 Kor. 10:5.
Sétan nyaho bebeneran tina Firman Allah téh alus pangaruhna kana pikiran urang. Jadi, manéhna ngagunakeun sagala cara pikeun ngarobah cara pikir urang supaya cangcaya kana bebeneran. Sétan teterusan méré pananya nu sarua siga ka Hawa waktu di Taman Édén, ”Na enya saur Allah, . . . ?” (Kaj. 3:1) Di dunya nu dikawasaan ku Sétan, urang sering ngadéngé pananya-pananya nu ngalantarankeun urang cangcaya, saperti: ’Na enya perkawinan sasama jinis dilarang ku Allah? Na enya Allah teu resep mun Sadérék ngarayakeun Natal jeung ulang taun? Na enya Allah teu ngidinan transfusi getih? Na enya Allah nu nyaahan teu satuju lamun Sadérék campur gaul jeung nu dipecat padahal Sadérék nyaah ka éta jalma?’ Urang kudu yakin kana kapercayaan urang. Lamun urang boga pananya-pananya dina pikiran nu diantep teu kajawab, lila-lila urang bisa bener-bener cangcaya. Lamun urang cangcaya, pikiran urang bisa nyimpang jeung iman urang bakal ancur. w19.06 12-13 ¶15-17
Saptu, 6 Pébruari
Aranjeun kabeh sing sapaham saperasaan, silih pikaheman cara jeung dulur, silih hadean, silih elehan.—1 Pet. 3:8.
Yéhuwa kacida nyaahna ka urang. (Yoh. 3:16) Urang hayang nyonto Bapa urang nu nyaahan ieu. Jadi, urang sabisa-bisa ”sapaham saperasaan, silih pikaheman cara jeung dulur, silih hadean” ka kabéh jalma utamana ka ”batur sakapercayaan” nu kawas kulawarga urang. (Gal. 6:10) Waktu aya anggota kulawarga rohani urang nu boga masalah, urang hayang nulungan maranéhna. Kumaha carana ngalilipur jalma nu ditinggal maot ku batur hirupna? Mimitina, urang bisa ngobrol jeung manéhna sanajan urang ngarasa kararagok atawa bingung rék ngomong naon. Ceuk Paula, nu salakina ujug-ujug maot, ”Abdi ngarti lamun urang keur sungkawa, batur jadi kararagok ka urang. Maranéhna sieun salah ngomong. Tapi, leuwih parah lamun batur teu ngomong saeutik-eutik acan.” Jalma nu keur sedih teu ngarepkeun urang ngomongkeun hal-hal nu luar biasa. Paula nyarita, ”Abdi ngahargaan lamun aya nu ngomong, ’Abdi ngiring sungkawa.’ ” w19.06 20 ¶1; 23 ¶14
Minggu, 7 Pébruari
Pangeran, tingali kumaha ngancamna maranehna ka abdi sadaya. Mugi abdi-abdi sadaya para kawula Gusti dikersakeun taya kasieun nyanggemkeun pangandika Gusti.—Ras. 4:29.
Lamun kagiatan urang dilarang, para kokolot bakal ngatur sangkan Sadérék bisa tetep masamoan. Bisa jadi Sadérék kudu masamoan dina kelompok leutik, sarta bisa jadi waktu jeung tempatna teu angger. Jadi, pasamoan urang teu kanyahoan ku musuh. Ngeunaan pangwawaran, kaayaan di unggal tempat bisa béda-béda. Tapi, lantaran urang nyaah ka Yéhuwa jeung hayang méré nyaho batur ngeunaan Karajaan Allah, urang bakal néangan cara supaya tetep ngawawar. (Luk. 8:1) Ahli sajarah nu ngaranna Emily B. Baran nyaritakeun ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa di Uni Soviet, ”Waktu pamaréntah ngalarang maranéhna nyaritakeun iman, para Saksi tetep nyarita ka para tatangga, batur gawé, jeung babaturanana. Ku lantaran éta, maranéhna dijebloskeun ka kamp kerja paksa. Tapi, tetep wé maranéhna nyaritakeun imanna ka jalma-jalma nu dipanjara.” Sanajan dilarang, dulur-dulur urang di ditu teu eureun ngawawar. Mugia Sadérék gé boga tékad nu sarua! w19.07 11 ¶12-13
Senén, 8 Pébruari
Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid.—Mat. 28:19.
Kumaha urang bisa ngabantu jalma-jalma nu teu paduli kana agama pikeun nyaah ka Allah jeung jadi murid Kristus? Urang kudu apal yén réaksi unggal jalma kana warta urang téh béda-béda gumantung di mana maranéhna digedékeun. Misalna, jalma ti Eropa réaksina béda jeung jalma ti Asia. Ku naon bisa kitu? Di Eropa, loba nu apal kana Alkitab jeung geus sering ngadéngé yén nu nyiptakeun sagalana téh Allah. Tapi di Asia, kalolobaan jalma ngan apal saeutik atawa teu apal sama sakali kana Alkitab, malahan aya nu teu percaya ka Nu Nyipta. Jadi, sing positif. Unggal taun, loba jalma nu teu paduli kana agama jadi Saksi Yéhuwa. Aya nu ti saacanna gé geus bener hirupna jeung geuleuh kana agama nu munapék. Tapi aya ogé nu ahlakna goréng jeung boga kabiasaan goréng nu kudu dipiceun. Ku bantuan Yéhuwa, urang bisa manggihan jalma-jalma ”nu boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng”.—Ras. 13:48, NW; 1 Tim. 2:3, 4. w19.07 20-21 ¶3-4
Salasa, 9 Pébruari
Nya ieu sababna nu matak sim kuring tara nepi ka leutik hate teh.—2 Kor. 4:16.
Teu sual urang boga harepan hirup di sawarga atawa di pirdaus di bumi, urang kudu tetep ngudag tujuan éta. Rék kumaha ogé kaayaanana, ulah terus mikiran hal-hal nu geus kaliwat jeung ulah nepi ka eureun ngawula Yéhuwa. (Pil. 3:16) Bisa jadi urang geus ngadagoan lila pikeun ningali ngawujudna jangji-jangji Yéhuwa, atawa urang ayeuna boga masalah kaséhatan. Aya ogé nu kudu ngalaman cocoba jeung panganiayaan mangtaun-taun. Teu sual naon nu kaalaman ku Sadérék, ”tong salempang naon-naon”. Tepikeun doa jeung panyambat Sadérék ka Allah. Mantenna bakal masihan katengtreman nu teu kabayangkeun ku Sadérék. (Pil. 4:6, 7) Waktu geus nempo garis tungtung, atlit balap lumpat ngaluarkeun sakabéh tanagana. Urang gé geus téréh nepi ka tungtung pangbalapan, jadi urang kudu terus neuteup harepan nu éndah dina mangsa kahareup sarta kudu bajoang ngahontal harepan éta sakuat tanaga luyu jeung kaayaan urang. w19.08 7 ¶16-17
Rebo, 10 Pébruari
Milu ceurik ka nu ceurik.—Rum 12:15.
Urang bisa jadi bingung rék ngomong naon ka jalma nu keur sedih. Tapi sakapeung, cipanon urang téh leuwih gedé pangaruhna ti batan kekecapan. Waktu sobatna Yésus nu ngaranna Lasarus maot, Maria, Marta, jeung nu séjénna ceurik. Opat poé sanggeusna waktu Yésus datang, anjeunna ”nangis” sanajan anjeunna apal rék ngahirupkeun deui Lasarus. (Yoh. 11:17, 33-35) Ceurikna Yésus ngagambarkeun parasaan Bapana. Éta ogé nunjukkeun yén Yésus nyaah ka kulawarga Lasarus. Maria jeung Marta tangtu kalilipur. Sarupa kitu, waktu dulur saiman ngarasakeun kanyaah jeung perhatian urang, maranéhna moal ngarasa sorangan lantaran dikurilingan ku sobat nu nyaah jeung siap ngadukung. Sakapeung, urang bisa ngalilipur dulur saiman ngan ku ngaregepkeun carita manéhna. Antepkeun manéhna sina ngungkabkeun eusi haténa jeung ulah kasinggung lamun manéhna ”kalepasan omong”. (Ayub 6:1-3) Bisa jadi manéhna keur loba pikiran lantaran didesek ku dulur nu lain Saksi. Jadi, pék ngadoa bareng jeung manéhna. Suhunkeun kakuatan jeung pikiran nu tenang ka Allah nu ”ngadangu” doa.—Jab. 66:19. w19.04 18-19 ¶18-19
Kemis, 11 Pébruari
Wakcakeun sakabeh kasusah ka Mantenna.—Jab. 62:9.
Teu sual urang ngawula di Bétel atawa jadi palayan sapinuh waktu séjénna, urang bisa betah di tempat tugas urang jeung nyaah ka jalma-jalmana. Jadi waktu kudu ninggalkeun éta kabéh, haté téh asa kasuat-suat. Urang kaleungitan jalma-jalmana jeung ngahariwangkeun maranéhna, komo deui lamun aya panganiayaan. (Mat. 10:23; 2 Kor. 11:28, 29) Geus kitu, lamun urang kudu pindah tugas, sanajan ka lembur sorangan, urang ngarasa hésé ngabiasakeun diri deui jeung kabudayaanana. Aya ogé nu jadi boga masalah ékonomi. Maranéhna ngarasa bingung, henteu tenang, jeung leutik haté. Jadi kudu kumaha? Tetep raket ka Yéhuwa. (Yak. 4:8) Kumaha carana? Sing yakin yén ”Gusti ngamakbul kana paneda”. (Jab. 65:3) Yéhuwa bisa ”ngabuktikeun sagala panuhun urang leuwih ti anu dikedalkeun, malah leuwih ti anu aya dina angen-angen”. (Epe. 3:20) Mantenna teu saukur masihan naon nu dipénta ku urang dina doa. Mantenna bisa ngaréngsékeun masalah urang ku cara nu teu disangka-sangka. w19.08 20-21 ¶5-6
Jumaah, 12 Pébruari
Tilu roh tea ngerid raja-raja ka . . . Armagedon.—Wahyu 16:16.
Sababaraha jalma nyebutkeun yén ”Armagédon” téh perang nuklir atawa ancurna ieu dunya. Tapi, ceuk Alkitab, Armagédon téh matak pikabungaheun! (Wahyu 1:3) Perang Armagédon téh lain ngamusnakeun tapi nyalametkeun umat manusa! Naha bisa kitu? Perang Armagédon bakal nyalametkeun umat manusa ku cara ngeureunkeun pamaréntahan manusa. Dina perang éta, jalma nu jahat bakal dibinasakeun, tapi jalma nu bener bakal disalametkeun. Salian ti éta, jalma nu ngaruksak bumi ogé bakal dibinasakeun. (Wahyu 11:18) Kecap ”Armagédon” ngan muncul sakali dina Alkitab. Kecap ieu asalna tina istilah Ibrani nu hartina ”Gunung Mégido”. Mégido téh hiji kota di Israil jaman baheula. (Yos. 17:11) Tapi, Armagédon lain ngaran tempat nu bener-bener aya di bumi. Éta ngan ngamaksudkeun kajadian waktu ”raja-raja” di dunya ngumpul pikeun ngalawan Yéhuwa.—Wahyu 16:14. w19.09 8 ¶1-3
Saptu, 13 Pébruari
Kasakitna teu cageur-cageur.—Luk. 8:43.
Awéwé éta geus pegat harepan. Manéhna geus tatamba ka loba tabib lantaran hayang cageur. Tapi geus 12 taun, kasakitna teu cageur-cageur. Numutkeun Torét, kasakitna ngalantarankeun manéhna najis. (Ima. 15:25) Tuluy, manéhna meunang béja yén Yésus bisa nyageurkeun nu gering, jadi ku manéhna ditéangan. Waktu geus panggih, manéhna nyabak tungtung jubah Yésus. Manéhna langsung cageur! Yésus teu ngan saukur nyageurkeun awakna, tapi ogé ngangkat martabatna. Contona, ku cara nu soméah, Yésus nyebut manéhna ”anaking”. Tangtu awéwé éta ngarasa bener-bener disegerkeun, atawa dikuatkeun! (Luk. 8:44-48) Perhatikeun yén awéwé éta hideng ngadatangan Yésus. Kitu ogé, urang kudu nyieun upaya pikeun datang ka Yésus. Kiwari, Yésus teu nyieun mujijat pikeun nyageurkeun kasakit ti jalma-jalma nu datang ka anjeunna. Tapi, anjeunna tetep ngondang urang, ”Hiap ka dieu ka Kami, . . . ku Kami maraneh rek sina reureuh.”—Mat. 11:28, SF. w19.09 20 ¶2-3
Minggu, 14 Pébruari
Kaula ningal jelema kacida lobana . . . Campur ti sagala bangsa, kaom, seler bangsa, katut basa-basana.—Wahyu 7:9.
Nabi Jakaria saacanna geus nganubuatkeun hal nu sarupa. Manéhna nulis, ”Harita, sapuluh jalma urang asing [ti sakabéh bangsa jeung basa, NW] bakal datang ka urang Yahudi saurang ngaromong kieu, ’Kaula ge hayang bagja cara anjeun; rehna kaula nguping yen anjeun diberkahan ku Allah.’ ” (Jak. 8:23) Saksi-Saksi Yéhuwa sadar, supaya jalma-jalma ti sagala basa bisa dikumpulkeun, warta hadé kudu diwawarkeun dina loba basa. Ayeuna, urang narjamahkeun bacaan ka ratusan basa, ieu téh upaya panarjamahan nu panggedéna sapanjang sajarah. Jelas, ngumpulkeun jelema nu kacida lobana ti sakabéh bangsa téh mujijat Yéhuwa di jaman kiwari. Lantaran Alkitab jeung bacaan Alkitab aya dina loba basa, maranéhna bisa ngahiji ibadah ka Yéhuwa sanajan asalna ti rupa-rupa bangsa. Umat Yéhuwa gé katelah sumanget ngawawar jeung silih pikanyaah. Ieu tangtu nguatkeun iman urang!—Mat. 24:14; Yoh. 13:35. w19.09 30-31 ¶16-17
Senén, 15 Pébruari
Mangsa cilaka teh ngabalangsakkeunana leuwih-leuwih ti jaman nu enggeus-enggeus ti barang dunya gumelar nepi ka ayeuna, tur moal aya deui anu saperti kitu.—Mat. 24:21.
Salila mangsa cilaka, jalma-jalma bakal rareuwaseun ningali ancurna hal-hal nu disangkana bakal langgeng. Maranéhna ”pinuh ku kasieun”, sieun paéh dina mangsa nu paling sangsara dina sajarah manusa. (Sep. 1:14, 15) Engké, katingalina umat Yéhuwa gé bakal ngarasa hirup téh leuwih beurat. Urang bisa ngalaman sababaraha kasusahan lantaran urang lain bagian ti dunya ieu. Meureun, sababaraha pangabutuh urang gé moal kacumponan. ”Gandek satia jeung bijaksana” geus nyiapkeun urang pikeun tetep satia salila mangsa cilaka. (Mat. 24:45) Ieu geus dilakukeun ku loba cara, salah sahiji contona nyaéta acara kongrés régional ti taun 2016-2018. Dina kongrés-kongrés éta, urang dijurung pikeun ngamekarkeun sipat-sipat nu dibutuhkeun pikeun nyanghareupan poé Yéhuwa nu beuki deukeut. w19.10 14 ¶2; 16 ¶10; 17 ¶12
Salasa, 16 Pébruari
Lamun aranjeun ngadahar susuguh pikeun roh jahat, teu meunang ngadahar Jamuan Gusti.—1 Kor. 10:21.
Sakalina diteureuy, dahareun bakal langsung diserep jeung jadi bagian awak urang. Dahareun nu séhat matak urang jagjag, dahareun nu teu séhat ngaruksak awak urang. Hasilna mémang teu langsung karasa harita kénéh, tapi éta bisa karasa dina waktuna. Kitu ogé waktu milih hiburan, urang bisa milih naon nu rék diasupkeun kana pikiran. Tapi sakalina geus asup, éta bakal mangaruhan pikiran jeung parasaan urang. Hiburan nu alus matak seger, ari hiburan nu goréng mah ngaruksak. (Yak. 1:14, 15) Pangaruh hiburan nu goréng teu langsung katingali, tapi lila-lila pangaruhna pasti katingali. Éta sababna Alkitab ngélingan urang, ”Naon anu ku urang dipelakan, eta nu kaala hasilna. Melak anu asalna tina kahayang badani, tina eta pepelakan, maot nu bakal kaala.” (Gal. 6:7, 8) Jadi, penting pisan pikeun nampik sagala hiburan nu nonjolkeun hal-hal nu dipikaijid ku Yéhuwa!—Jab. 97:10. w19.10 30 ¶12-14
Rebo, 17 Pébruari
Aranjeun geus diangken putra jeung dipikaasih ku Allah, . . . Hirup kudu dijiwaan ku kanyaah.—Epe. 5:1, 2.
Yéhuwa ngabuktikeun kanyaah-Na ku cara masihan Putra-Na pikeun nebus urang. (Yoh. 3:16) Kumaha urang bisa nyonto kanyaah Yéhuwa? Urang ngahargaan dulur saiman. Urang ogé bungah waktu ’domba nu nyasab’ balik deui ka Yéhuwa. (Jab. 119:176; Luk. 15:7, 10) Urang ngabuktikeun kanyaah urang ka dulur saiman ku cara méré waktu jeung tanaga, misalna nulungan nu keur kasusahan. (1 Yoh. 3:17) Yésus maréntahkeun murid-muridna pikeun némbongkeun kanyaah nu teu mentingkeun diri. (Yoh. 13:34, 35) Paréntah Yésus pikeun nyaah ka dulur saiman saperti Yésus nyaah ka urang téh paréntah anyar lantaran teu diwajibkeun ku Hukum Allah ka bangsa Israil. Éta hartina urang kudu némbongkeun kanyaah nu teu mentingkeun diri. Urang kudu nyaah ka dulur saiman leuwih ti batan ka diri sorangan. Kanyaah urang téh kudu nepi ka réla ngorbankeun nyawa, saperti nu dilakukeun ku Yésus. w19.05 4 ¶11-13
Kemis, 18 Pébruari
Kudu daek [terus, ”NW”] menta, tangtu bakal dibere; kudu daek [terus, ”NW”] barangsiar, tangtu bakal beubeunangan; kudu daek [terus, ”NW”] ngetrokan tangtu bakal dipangmukakeun panto.—Luk. 11:9.
Supaya bisa narima bantuan ti roh suci, urang kudu terus ngadoa. (Luk. 11:13) Tina misil Yésus nu dicatet dina Lukas 11:5-9, urang jadi ngarti alesanana Yéhuwa masihan roh suci ka urang. Lalaki tina misil éta hayang ngabagéakeun sémahna. Sanajan teu boga dahareun, manéhna ngarasa kudu nyuguhan sémahna nu datang tengah peuting. Yésus nyebutkeun yén tatanggana daék méré lantaran lalaki éta keukeuh jeung teu éra-éra ménta roti. Ti dieu, Yésus ngajarkeun naon? Lamun manusa nu teu sampurna waé daék mantuan tatanggana nu teterusan ménta, komo deui Bapa urang nu bageur di sawarga bakal masihan roh suci ka saha waé nu teterusan nyuhunkeun ka Mantenna! Jadi, urang bisa yakin yén Yéhuwa bakal ngajawab doa urang waktu urang nyuhunkeun roh suci. (Jab. 10:17; 66:19) Urang gé yakin sanajan Sétan teterusan nyerang urang, urang bakal unggul. w19.11 13 ¶17-19
Jumaah, 19 Pébruari
Urang nyingkir heula neangan tempat sepi ngarah rineh.—Mar. 6:31.
Yésus apal yén anjeunna jeung murid-muridna kadang-kadang butuh istirahat. Tapi, kalolobaan jalma harita jeung dina jaman ayeuna siga lalaki beunghar dina misil Yésus. Lalaki éta ngomong ka diri sorangan, ”Pek geura reureuh, dahar, nginum, nyenangkeun diri!” (Luk. 12:19; 2 Tim. 3:4) Ceuk pamikirna mah reureuh jeung senang-senang téh nu pangpentingna. Sabalikna, dina pandangan Yésus jeung murid-muridna mah nyenangkeun diri sorangan téh lain nu pangpentingna. Ayeuna urang gé nyonto Yésus. Lamun keur libur digawé, urang teu ngan saukur istirahat tapi ogé bisa méré kasaksian jeung datang ka pasamoan. Ngajadikeun murid jeung masamoan téh penting pisan keur urang, éta sababna urang réla nyieun upaya pikeun rutin ngalakukeunana demi Yéhuwa. (Ibr. 10:24, 25) Waktu keur pelesir, urang hayang tetep hadir di pasamoan di mana waé ayana, jeung sabisa-bisa méré kasaksian ka saha waé nu dipanggihan.—2 Tim. 4:2. w19.12 7 ¶16-17
Saptu, 20 Pébruari
Bareto aranjeun anu ngamimitian . . . Tah ayeuna teruskeun, anggeuskeun!—2 Kor. 8:11.
Yéhuwa masihan kabébasan ka urang pikeun nangtukeun jalan hirup. Mantenna ngajar urang carana nyieun putusan nu alus jeung ngabantu urang suksés ngajalankeun putusan nu nyenangkeun Mantenna. (Jab. 119:173) Beuki sering urang ngalarapkeun hikmat tina Firman Allah, beuki pinter urang dina nyieun putusan nu alus. (Ibr. 5:14) Sanajan urang geus nyieun putusan nu alus, sakapeung urang ngarasa hésé nganggeuskeun naon nu geus dimimitian. Misalna: Saurang budak ngora hayang maca sakabéh eusi Alkitab. Sababaraha minggu mimiti mah bisa, tapi teu diteruskeun deui. Saurang sadérék istri hayang naratas biasa, tapi prungna mah diengké-engké. Badan kokolot geus mupakat pikeun leuwih sering ngangon atawa nganjangan sadérék-sadérék di sidang, tapi geus mangbulan-bulan éta teu jadi-jadi waé. Masalahna mémang béda-béda tapi kabéh aya sasaruaanana, nyaéta putusanana teu dilaksanakeun nepi ka anggeus. w19.11 26 ¶1-2
Minggu, 21 Pébruari
Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil.—Sil. 21:5.
Yésus nyaruakeun jaman urang jeung ”jaman Enoh” sarta mémang urang hirup ’dina ahir jaman nu loba kasukeran’. (Mat. 24:37; 2 Tim. 3:1) Éta sababna, aya pasangan nu mutuskeun teu boga budak heula supaya bisa ngabaktikeun loba waktu pikeun palayanan. Waktu mutuskeun rék boga budak jeung rék boga budak sabaraha, pasangan nu bijaksana bakal ”ngitung-ngitung” heula. (Luk. 14:28, 29) Pasangan nu geus boga budak nyebutkeun yén ngagedékeun budak mémang butuh duit, tapi ogé butuh waktu jeung tanaga. Ku kituna, hiji pasangan kudu mikirkeun pananya-pananya ieu: ’Naha abdi duaan kudu digawé pikeun nyumponan kabutuhan dasar? Naha abdi duaan geus satuju naon waé nu kaasup ”kabutuhan dasar”? Lamun abdi duaan kudu digawé, saha nu ngurus budak? Urang hayang pikiran jeung kalakuan budak urang dipangaruhan ku saha?’ Lamun éta pasangan ngabahas pananya-pananya ieu ku cara nu tenang, maranéhna ngalarapkeun ayat poé ieu. w19.12 23-24 ¶6-7
Senén, 22 Pébruari
Aranjeunna tiluan anu maturan sim kuring ngalakonan gawe ngemban parentah Allah. Kacida nulungna.—Kol. 4:11.
Rasul Paulus sering ngalaman kaayaan nu nyusahkeun. (2 Kor. 11:23-28) Manéhna gé boga ”cucuk di jero awak” nu bisa jadi masalah kaséhatan. (2 Kor. 12:7, SF) Jeung, Paulus ngarasa kuciwa ka Démas nu pernah gawé bareng tapi ninggalkeun manéhna lantaran ”kagembang ku dunya ieu”. (2 Tim. 4:10) Paulus téh urang Kristen nu diistrénan nu wanian jeung resep nulungan batur, tapi manéhna gé pernah leutik haté. (Rum 9:1, 2) Paulus narima panglilipur jeung dukungan nu dibutuhkeun. Kumaha carana? Yéhuwa tangtu ngagunakeun roh suci-Na pikeun nguatkeun Paulus. (2 Kor. 4:7) Yéhuwa gé ngagunakeun dulur-dulur saiman pikeun nguatkeun Paulus. Paulus nyebutkeun yén sababaraha dulur saimanna téh ”kacida nulungna” ka manéhna. (Kol. 4:11) Sababaraha dulur saiman nu nguatkeun Paulus supaya tetep tabah téh nyaéta Aristarkus, Tihikus, jeung Markus. w20.01 8 ¶2-3
Salasa, 23 Pébruari
Dipangnyuhunkeun sing dicaangkeun pikiran—Epe. 1:18.
Yésus sacara teu langsung pernah ngomong yén mustahil ngajelaskeun sacara rinci ka jalma nu teu diistrénan kumaha rasana ”dijurukeun deui”, atawa ’dijurukeun ti Roh Allah’. (Yoh. 3:3-8) Urang Kristen nu diistrénan ngalaman parobahan cara pikir naon? Saacan diistrénan ku Yéhuwa, maranéhna bungah boga harepan hirup langgeng di bumi. Maranéhna ngarepkeun pisan waktuna Yéhuwa nyingkirkeun sagala kajahatan jeung ngarobah bumi ieu jadi pirdaus. Bisa jadi maranéhna ngabayangkeun bakal ngabagéakeun kulawarga atawa sobatna nu dihirupkeun deui. Tapi sanggeus diistrénan, cara pikirna barobah. Ku naon bisa kitu? Ieu lain lantaran maranéhna teu puas kana harepan hirup langgeng di bumi. Ieu ogé lain lantaran maranéhna keur sangsara pisan nepi ka teu hayang deui hirup di bumi. Maranéhna gé teu ujug-ujug ngarasa hirup langgeng di dunya téh bakal bosen. Tapi, Yéhuwa ngagunakeun roh suci-Na pikeun ngarobah cara pikir jeung harepan maranéhna. w20.01 22-23 ¶9-11
Rebo, 24 Pébruari
Unggal jelema kudu nurut ka pamarentah.—Rum 13:1.
Para hakim sarta kokolot di jaman Israil nu ngajalankeun Hukum Musa teu ngan saukur ngurus hal-hal rohani, tapi ogé ngurus kasus-kasus kajahatan jeung kamasarakatan. Tapi dina ”hukum Kristus”, lamun aya nu nyieun dosa, nu diurus ku kokolot mah bagian rohanina. (Gal. 6:2) Maranéhna apal yén pamaréntah dibéré wewenang pikeun ngurus kasus-kasus kajahatan jeung kamasarakatan. Ieu kaasup wewenang pikeun méré hukuman dengda atawa panjara. (Rum 13:2-4) Naon tanggung jawab para kokolot lamun aya nu nyieun dosa gedé? Maranéhna ngagunakeun ayat-ayat pikeun mariksa masalahna tuluy nyieun putusan. Maranéhna inget yén kanyaah téh pondasina hukum Kristus. Kanyaah ngajurung para kokolot pikeun mikirkeun: Kumaha carana ngabantu saha waé di sidang nu jadi korban tina dosa éta? Ngeunaan jalma nu ngalakukeun dosa, kanyaah bakal ngajurung para kokolot pikeun mikirkeun: Naha manéhna tobat? Kumaha urang bisa ngabantu manéhna mulihkeun hubunganana jeung Yéhuwa? w19.05 7 ¶23-24
Kemis, 25 Pébruari
Ku karana Mantenna Kami oge hirup.—Yoh. 6:57.
Basa ngomong kitu, Yésus paham pisan Bapana nu masihan kahirupan jeung nu nyumponan sagala pangabutuh hirupna. Yésus percaya pisan ka Bapana, Yéhuwa gé terus nyumponan pangabutuh hirupna. Nu pangpentingna, sacara rohani Yéhuwa ngabantu Yésus pikeun tetep satia. (Mat. 4:4) Yéhuwa ogé nyadiakeun pangabutuh rohani. Dina Firman-Na, Mantenna ngungkabkeun bebeneran ngeunaan diri-Na, tujuana-Na, ku naon urang diciptakeun, jeung ngeunaan mangsa kahareup. Mantenna ngagunakeun kolot urang atawa guru séjénna pikeun ngajar urang. Mantenna gé terus ngabantu urang jadi sobat-Na liwat bantuan ti kokolot sidang atawa sadérék-sadérék séjénna nu asak rohani. Salian ti éta, Yéhuwa gé ngajar urang liwat pasamoan. Di pasamoan, urang diajar babarengan jeung dulur-dulur saiman. Ku cara-cara ieu, Yéhuwa nunjukkeun yén Mantenna téh Bapa nu perhatian ka urang kabéh.—Jab. 32:8. w20.02 3 ¶8; 5 ¶13
Jumaah, 26 Pébruari
Anu kudu dijieun tujuan teh salilana kudu hal-hal anu matak pirukuneun jeung anu baris bisa dipake silih tunjang pada batur.—Rum 14:19.
Lamun urang sirik ka batur atawa batur sirik ka urang, moal aya karukunan. Jadi, piceun parasaan sirik tina haté sarta ulah nyababkeun batur sirik ka urang. Naon waé nu bisa dilakukeun ku urang supaya batur bisa miceun rasa sirik, sarta kumaha carana ngupayakeun karukunan? Sikep jeung tindakan urang gedé pangaruhna ka batur. Dunya ieu hayang urang pamér atawa ’ngugung-ngugung’ naon nu dipiboga. (1 Yoh. 2:16) Tapi, sikep éta téh bisa nyababkeun batur sirik. Batur moal sirik lamun urang teu teterusan ngomongkeun naon nu dipiboga ku urang atawa naon nu rék dibeuli ku urang. Urang gé moal nyababkeun batur sirik lamun urang boga pandangan nu bener kana hak istiméwa nu ditarima ku urang di sidang. Lamun urang teterusan ngomongkeun hak istiméwa urang, urang mupuk rasa sirik dina haté batur. Sabalikna, lamun urang perhatian jeung merhatikeun hal-hal hadé nu dilakukeun ku batur, urang bisa ngabantu maranéhna boga rasa cukup. Urang gé ngabantu sidang tetep ngahiji jeung rukun. w20.02 18 ¶15-16
Saptu, 27 Pébruari
Kakawasaana-Na anu langgeng jeung sipat Allahna, geus atra tetela ka manusa dina saniskara hasil ciptaana-Na.—Rum 1:20.
Saderek bisa diajar ngeunaan Yéhuwa liwat ciciptaan. (Wahyu 4:11) Pikirkeun hikmat Yéhuwa tina pepelakan jeung sasatoan nu diciptakeun. Pék diajar kumaha awak urang geus dirancang sakitu hébatna. (Jab. 139:14) Lenyepan, Yéhuwa geus nyiptakeun panonpoé nu sakitu gedé énergina. Éta téh ngan salah sahiji ti miliaran béntang. (Yes. 40:26) Ku kituna, Sadérék bakal leuwih ngahargaan Yéhuwa. Tapi, apal kana hikmat jeung kawasa Yéhuwa téh ngan salah sahiji dasar pikeun nyobat jeung Mantenna. Sangkan bisa leuwih nyaah ka Yéhuwa, Sadérék kudu diajar leuwih loba ngeunaan Mantenna. Sadérék kudu yakin yén Yéhuwa merhatikeun Sadérék sacara pribadi. ”Lamun hidep néangan Mantenna, Mantenna bakal daék dipanggihan.” (1 Bab. 28:9, NW) Malah sabenerna, Sadérék bisa diajar Alkitab téh lantaran geus ”ditarik ku Rama” Yéhuwa. (Yoh. 6:44) Lamun paham naon waé nu tos dilakukeun Yéhuwa keur Sadérék, Sadérék bakal beuki nyaah ka Mantenna. w20.03 4 ¶6-7
Minggu, 28 Pébruari
Ieu pagawean . . . , sim kuring moal nepi ka ngarasa jejerih.—2 Kor. 4:1.
Rasul Paulus méré tuladan dina ngutamakeun palayanan. Basa manéhna keur di Korinta dina perjalanan misionarisna nu kadua, duitna téréh béak jadi kudu digawé nyieun ténda. Manéhna nyieun ténda pikeun ngabiayaan palayananana, jadi manéhna ”teu menta bayaran” waktu ngawawar di Korinta. (2 Kor. 11:7) Sanajan kudu digawé, manéhna terus ngutamakeun palayanan jeung ngawawar unggal Sabat. Waktu kaayaanana geus leuwih hadé, Paulus bisa leuwih sering ngawawar. Manéhna ”tambah jongjon nguarkeun pangandika Allah ka urang Yahudi, mertelakeun yen Yesus teh Jurusalamet”. (Ras. 18:3-5; 2 Kor. 11:9) Ka dieunakeun, waktu manéhna dipanjara di imahna di Rum salila dua taun, Paulus nulis surat jeung ngawawar ka jalma-jalma nu nganjang. (Ras. 28:16, 30, 31) Paulus embung disimpangkeun ku naon waé. w19.04 4 ¶9