PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es21
  • Maret

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Maret
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2021
  • Subjudul
  • Senén, 1 Maret
  • Salasa, 2 Maret
  • Rebo, 3 Maret
  • Kemis, 4 Maret
  • Jumaah, 5 Maret
  • Saptu, 6 Maret
  • Minggu, 7 Maret
  • Senén, 8 Maret
  • Salasa, 9 Maret
  • Rebo, 10 Maret
  • Kemis, 11 Maret
  • Jumaah, 12 Maret
  • Saptu, 13 Maret
  • Minggu, 14 Maret
  • Senén, 15 Maret
  • Salasa, 16 Maret
  • Rebo, 17 Maret
  • Kemis, 18 Maret
  • Jumaah, 19 Maret
  • Saptu, 20 Maret
  • Minggu, 21 Maret
  • Senén, 22 Maret
  • Salasa, 23 Maret
  • Rebo, 24 Maret
  • Kemis, 25 Maret
  • Jumaah, 26 Maret
  • TANGGAL PANGÉLING-NGÉLING
    Sanggeus Panonpoé Surup
    Saptu, 27 Maret
  • Minggu, 28 Maret
  • Senén, 29 Maret
  • Salasa, 30 Maret
  • Rebo, 31 Maret
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2021
es21

Maret

Senén, 1 Maret

Pisahkeun diri ti maranehna. Ulah ngayakeun naon-naon jeung sakur nu najis.​—2 Kor. 6:​17.

Kanyaah ka Allah jeung Firman-Na nguatkeun tékad urang pikeun taat ka Yéhuwa sanajan baraya atawa babaturan nu niatna alus ngadesek urang pikeun ngalampahkeun kabiasaan nu teu luyu jeung Alkitab. Sangkan urang ngarasa éra, maranéhna bisa jadi ngomong yén urang teu nyaah atawa teu hormat ka almarhum. Atawa maranéhna ngomong yén tindakan urang nyababkeun almarhum nyilakakeun nu hirup. Di hiji nagri di Karibia, loba nu percaya yén jalma nu maot bakal ngajungjurigan jeung ngabales saha waé nu jahat ka manéhna. Hiji sumber nyebutkeun ”jurig” éta malahan bisa ”nyieun masalah di masarakat”. Di Afrika, aya kabiasaan nutupan eunteung di imah almarhum jeung malik-malikeun poto nu aya dina témbok. Ku naon? Supaya nu maot teu bisa ningali dirina sorangan! Salaku hamba Yéhuwa, tangtu urang moal percaya kana mitos atawa pipilueun kana kabiasaan nu ngadukung kabohongan Sétan!​—1 Kor. 10:​21, 22. w19.04 16 ¶11-​12

Salasa, 2 Maret

Jieun kahadean ka batur, sakumaha maraneh oge hayang meunang kahadean ti batur.​—Mat. 7:​12.

Yésus ngajarkeun prinsip-prinsip ka murid-muridna sangkan adil ka batur. Misalna, Aturan Emas. Urang kabéh hayang batur adil ka urang. Ku kituna, urang kudu adil ka batur, jadi batur gé kajurung pikeun adil ka urang. Tapi, kumaha lamun urang ngalaman kateuadilan? Yésus ngajar murid-muridna pikeun percaya yén Yéhuwa bakal ”ngabelaan [”masihan kaadilan”, NW] ka umat-Na ku manten anu beurang peuting nyambat pitulung-Na”. (Luk. 18:​6, 7) Kekecapan ieu téh ngamuat jangji: Allah apal kana tangtangan nu disanghareupan ku urang di poé panungtungan ieu, ku kituna Mantenna bakal masihan kaadilan ka urang dina waktu nu geus ditangtukeun. (2 Tes. 1:6) Lamun urang ngalarapkeun prinsip-prinsip nu diajarkeun ku Yésus, urang bakal adil ka batur. Sarta, lamun urang ngalaman kateuadilan di dunya Sétan, urang kalilipur lantaran apal yén Yéhuwa bakal masihan kaadilan ka urang. w19.05 5 ¶18-​19

Rebo, 3 Maret

Lamun aya anu menta katerangan perkara nu jadi pangharepan aranjeun, iraha-iraha ge jawab sing bener.​—1 Pet. 3:​15.

Naha hidep sakola kénéh? Bisa jadi sakabéh batur sakola hidep percaya kana téori évolusi. Hidep hayang ngabéla pangajaran Alkitab, tapi ngarasa teu pinter ngalakukeunana. Éta hartina hidep kudu diajar! Aya dua alesan ku naon hidep kudu diajar: (1) pikeun nguatkeun kayakinan hidep yén Allah téh nu nyipta sagalana jeung (2) pikeun ningkatkeun kasanggupan hidep ngabéla bebeneran. (Rum 1:20) Mimitina, hidep kudu mikirkeun, ’Ku naon batur sakola abdi percaya kana évolusi?’ Tuluy risét bener-bener tina publikasi urang. Ngabéla bebeneran téh bisa jadi teu sahésé nu dibayangkeun. Lolobana jalma percaya kana évolusi téh lantaran dibéjaan ku jalma nu dihormat ku maranéhna. Lamun hidep geus boga hiji atawa dua hal nu bisa dibagikeun, hidep bisa ngabantu jalma nu hayang nyaho kana bebeneran.​—Kol. 4:6. w19.05 29 ¶13

Kemis, 4 Maret

Maraneh . . . ku Kami bakal dihegar-hegar kawas budak anu dicombo-combo ku indungna.​—Yes. 66:13.

Waktu Nabi Élias kabur pikeun nyalametkeun diri, manéhna leutik haté pisan nepi ka hayang paéh. Yéhuwa ngutus malaikat-Na ka nabi nu keur sedih ieu. Éta malaikat méré bantuan nu dibutuhkeun. Élias dibéré dahareun nu haneut jeung dititah dahar. (1 Rja. 19:​5-8) Kisah ieu némbongkeun yén kahadéan leutik sakapeung bisa bener-bener ngabantu. Misalna, urang bisa méré dahareun, hadiah nu saderhana, atawa kartu ucapan. Éta bisa ngayakinkeun sadérék nu keur leutik haté yén urang nyaah jeung perhatian ka manéhna. Lamun kararagok ngobrolkeun parasaan jeung hal-hal nu pikasediheun, urang bisa tetep némbongkeun perhatian ku cara nyieun kahadéan siga kitu. Sacara mujijat, Yéhuwa ngabantu Élias pikeun leumpang jauh ka Gunung Sinai, sangkan moal kaudag ku jalma-jalma nu rék maéhan manéhna. Naon palajaranana? Lamun hayang ngabantu korban pelécéhan, mimitina urang kudu nyieun manéhna ngarasa aman, boh di imah boh di Balé Karajaan. w19.05 16 ¶11; 17 ¶13-​14

Jumaah, 5 Maret

Tiap kulawarga di eta nagri midangdamna sorangan-sorangan: . . . kulawarga turunan Natan.​—Jak. 12:​12-14.

Misalna, Sadérék maca nubuat Jakaria pasal 12 nu nganubuatkeun maotna Mésias. (Jak. 12:10) Waktu Sadérék maca ayat 12-14, disebutkeun yén ”kulawarga turunan Natan” bakal sedih pisan waktu Mésias maot. Ti batan ngaliwatan rincian éta, Sadérék bisa eureun heula sakeudeung jeung mikirkeun, ’Naon hubunganana turunan Natan jeung Mésias? Di mana abdi bisa meunangkeun katerangan ieu?’ Di dieu, Sadérék kudu siga ”détéktif”. Réferénsi silang pikeun Jakaria 12:12 dina Alkitab Terjemahan Dunia Baru nyebutkeun 2 Samuel 5:​13, 14 nu ngajelaskeun yén Natan téh salah sahiji anakna Raja Daud. Réferénsi silang nu kadua, Lukas 3:​23, 31, nyebutkeun yén Natan téh karuhunna Mariam. Sadérék ngarti ayeuna mah! Sadérék apal nubuat nu nyebutkeun yén Yésus téh turunan Daud. (Mat. 22:42) Tapi, Daud téh boga leuwih ti 20 putra. Jadi, luar biasa pisan waktu Jakaria nyebutkeun yén turunan Natan bakal ngarasa sedih waktu Yésus maot. w19.05 30 ¶17

Saptu, 6 Maret

Pikiran aranjeun barobah anyar sama sakali. Ari geus kitu mah tangtu bakal terang kana pangersa Allah, mana nu hade, nu sampurna, nu matak bisa nyukakeun manah-Na.​—Rum 12:2.

Naon nu kudu dilakukeun ku urang? Ku cara rutin diajar Alkitab, urang bisa ngabuktikeun sorangan bebeneran tina Alkitab. Urang jadi leuwih yakin yén papakon Yéhuwa téh bener. Ku kituna, kawas tangkal nu ngakar kuat, iman urang gé bakal ngakar kuat, atawa urang bakal ”mingkin percaya”. (Kol. 2:6, 7) Inget, ngan urang sorangan nu bisa nguatkeun iman urang. Jadi, pék terus anyarkeun haté jeung pikiran Sadérék. Sing rutin ngadoa, suhunkeun bantuan ti roh Yéhuwa. Lenyepan bener-bener, terus pariksa pikiran jeung motif Sadérék. Téangan babaturan nu hadé, pék campur gaul jeung jalma-jalma nu bisa ngabantu Sadérék ngarobah cara pikir. Ku cara ngalampahkeun hal-hal éta, Sadérék bisa ngalawan pangaruh goréng ti dunya Sétan. Sadérék gé bakal suksés ngaruntuhkeun ”tiap-tiap sipat sombong [”cara pikir”, NW] anu ngadingding ngahalangan kanyaho ka Allah”.—2 Kor. 10:5. w19.06 13 ¶17-​18

Minggu, 7 Maret

Ibadah anu beresih, anu taya kuciwana di payuneun Allah, nya eta anu rumawat ka nu yatim pahatu, sarta mitulung ka randa nu kasusahan.​—Yak. 1:​27.

Saperti Rut nu terus nyarengan Naomi, urang gé bisa terus ngadukung jalma nu ditinggal maot ku batur hirupna. (Rut 1:​16, 17) Ceuk Paula, ”Teu lila sanggeus salaki abdi maot, loba nu ngalilipur abdi. Tapi lila-lila, batur baralik deui kana kagiatanana masing-masing. Ari kahirupan abdi mah barobah pisan. Abdi bener-bener kabantu lamun batur ngarti jalma nu dikantunkeun téh butuh dukungan nepi ka mangbulan-bulan, malahan mangtaun-taun, sanggeusna.” Tangtu, unggal jalma téh teu sarua. Aya nu gancang nyaluyukeun diri jeung kaayaanana. Tapi, nu séjénna osok kasuat-suat unggal ngalakukeun kagiatan nu baheulana dilakukeun babarengan. Carana unggal jalma ngungkabkeun kasedihna gé béda-béda. Urang kudu inget yén urang dipasihan kahormatan jeung tanggung jawab ku Yéhuwa pikeun merhatikeun jalma nu ditinggal maot ku batur hirupna. w19.06 24 ¶16

Senén, 8 Maret

Salila nu jarahat teh dareukeut, aing moal ngomong naon-naon.​—Jab. 39:2.

Lamun keur dilarang, urang kudu apal iraha ”waktuna ngajejempe”. (Pan. 3:7) Urang kudu ngajaga informasi rasiah saperti ngaran sadérék-sadérék urang, tempat pasamoan, carana dines, jeung ti mana urang meunangkeun kadaharan rohani. Ulah méré nyaho hal-hal ieu ka patugas pamaréntah atawa ka babaturan jeung baraya, teu sual maranéhna aya di nagri urang atawa di nagri séjén. Lamun urang ngalakukeun hal éta, urang bakal ngabahayakeun dulur-dulur saiman urang. Ulah nepi ka masalah leutik nyababkeun urang papecah. Sétan apal yén kulawarga nu papecah moal bisa ajeg. (Mar. 3:​24, 25) Manéhna bakal terus ngupayakeun sangkan urang papecah. Tujuanna sangkan urang silih lawan, lainna ngalawan manéhna. Urang Kristen nu asak rohani gé kudu ati-ati. Lamun urang ngupayakeun akur jeung dulur-dulur saiman waktu aya masalah, urang moal papecah.—Kol. 3:​13, 14. w19.07 11-​12 ¶14-​16

Salasa, 9 Maret

Abdina Gusti mah . . . ka itu ka ieu kudu someah, ngajar kudu bageur jeung sabar.​—2 Tim. 2:​24.

Seringna mah jalma narima warta urang téh lain lantaran naon nu ditepikeun, tapi lantaran cara urang nepikeunana. Maranéhna resep lamun urang soméah, bijaksana, jeung ngahargaan maranéhna. Urang moal maksa batur ngadéngékeun. Tapi, urang hayang paham ku naon maranéhna boga pandangan siga kitu ngeunaan agama sarta hayang ngajaga parasaan maranéhna. Contona, waktu ngomong jeung urang Yahudi, Paulus ngajelaskeun tina Kitab Suci. Tapi waktu ngomong jeung pilsup Yunani di Aréopagus, manéhna teu nyebutkeun Kitab Suci. (Ras. 17:​2, 3, 22-31) Kumaha Sadérék bisa nyonto Paulus? Lamun panggih jeung jalma nu teu resep kana Alkitab, hadéna mah ulah ngajelaskeun langsung tina Alkitab. Lamun Sadérék ngarasa aya jalma nu embung katingali ku batur keur maca Alkitab jeung Sadérék, coba cara séjén nu teu nyirikeun teuing, misalna maca tina alat éléktronik. w19.07 21 ¶5-6

Rebo, 10 Maret

Poma ulah nepi ka ingkar ti PANGERAN tuluy nyembah ka allah-allah sejen.​—Pam. 11:16.

Sétan pinter ngagoda bangsa Israil sangkan nyembah brahala ku cara ngamangpaatkeun kabutuhan bangsa Israil kana dahareun. Basa asup ka Tanah Perjangjian, bangsa Israil kudu diajar téknik anyar dina pertanian. Basa keur di Mesir mah bangsa Israil ngagunakeun irigasi nu sumber caina ti Walungan Nil. Tapi, sistim pertanian di Tanah Perjangjian mah teu ngagunakeun cai ti walungan gedé, tapi ngandelkeun cihujan jeung ciibun. (Pam. 11:​10-​15; Yes. 18:​4, 5) Jadi, bangsa Israil kudu diajar cara nu anyar ieu. Tapi, ku naon Yéhuwa mépélingan maranéhna sangkan teu nyembah ka allah-allah palsu waktu nyebutkeun téknik pertanian nu anyar? Yéhuwa apal yén urang Israil bakal hayang diajar sababaraha téknik pertanian ti jalma-jalma nu nyembah brahala di sabudeureunana. Mémang, maranéhna boga leuwih loba pangalaman ti batan bangsa Israil. Umat Allah bisa diajar sababaraha téknik nu alus ti maranéhna. Tapi, aya bahayana. Cara pikir para patani bangsa Kanaan dipangaruhan ku ibadah ka Baal.​—Bil. 25:​3, 5; Hak. 2:13; 1 Rja. 18:18. w19.06 3 ¶4-6

Kemis, 11 Maret

Sim kuring terus ngadoakeun aranjeun, sing beuki gedé kanyaah.​—Pil. 1:​9, ”NW”.

Basa Rasul Paulus, Silas, Lukas, jeung Timoteus nepi ka Pilipi, nyaéta daérah jajahan Rum, maranéhna panggih jeung loba jalma nu resep kana warta Karajaan. Opat priya nu sumanget ieu ngadegkeun sidang nu mimiti tuluy masamoan bareng jeung kabéh murid. Katingalina, maranéhna masamoan di imah Lidia nu béréhan. (Ras. 16:40) Teu lila, sidang anyar ieu nyanghareupan tangtangan. Sétan ngagerakkeun musuh-musuh bebeneran pikeun nentang kagiatan pangwawaran. Paulus jeung Silas ditéwak, digebugan ku tongkat, tuluy dipanjarakeun. Sanggeus dibébaskeun ti panjara, maranéhna nganjangan jeung nguatkeun murid-murid nu anyar ieu. Geus kitu, Paulus, Silas, jeung Timoteus indit ti kota éta, tapi sigana mah Lukas teu milu indit. Ayeuna, naon nu rék dilakukeun ku sadérék-sadérék nu anyar ieu? Ku bantuan roh Yéhuwa, maranéhna terus sumanget ngalaksanakeun palayanan. (Pil. 2:12) Paulus pasti reueus ka maranéhna! w19.08 8 ¶1-2

Jumaah, 12 Maret

Anu nginjeum duit sok jadi budakna anu nginjeumkeun.​—Sil. 22:7.

Naha Sadérék kakara pindah? Pipindahan téh butuh loba biaya, jadi bisa waé urang kapaksa ngahutang. Sangkan teu loba ngahutang, pikir-pikir heula mun rék ngiridit barang nu teu bener-bener diperlukeun. (Sil. 22:​3) Waktu urang keur strés, misalna lantaran ngarawat kulawarga nu gering, urang bisa jadi hésé mutuskeun rék nginjeum duit sabaraha loba. Lamun kitu, inget yén urang bisa nyieun putusan nu hadé lamun ngadoa jeung sasambat ka Yéhuwa. Mantenna pasti ngajawab sarta bakal ”nengtremkeun hate jeung pikiran” urang. (Pil. 4:​6, 7; 1 Pet. 5:7) Jaga hubungan nu alus jeung sobat tur kulawarga. Caritakeun parasaan jeung masalah Sadérék ka sobat-sobat, utamana nu pernah ngalaman hal nu sarupa. Ku kituna, haté Sadérék bisa kaupahan. (Pan. 4:​9, 10) Sobat-sobat di tempat saacanna bakal tetep jadi sobat Sadérék. w19.08 22 ¶9-​10

Saptu, 13 Maret

Tilu roh tea ngerid raja-raja ka . . . Armagedon.​—Wahyu 16:16.

Ku naon Yéhuwa ngahubungkeun perang nu agung ieu jeung Mégido? Loba pangperangan di jaman baheula téh kajadianana di Mégido jeung Lebak Yisrél nu teu jauh ti dinya. Sakapeung, Yéhuwa ngabantu umat-Na unggul. Contona, di ”sisi Walungan Megido” Allah nyieun mujijat pikeun mantuan Hakim Barak ngéléhkeun pasukan Kanaan nu dipingpin ku Siséra. Barak jeung Nabiah Débora muji sukur ka Yéhuwa ku kaunggulan ieu. Maranéhna ngawih, ”Di langit, bentang-bentang milu perang . . . merangan Sisera. . . . Mugi sadaya musuh Gamparan, paehna sing cara kitu, nun PANGERAN. Mugi sadaya mitra Gamparan, maloncorong lir ibarat surya medal!” (Hak. 5:​19-​21, 31) Dina perang Armagédon, kabéh musuh Allah bakal dipaéhan, tapi nu nyaah ka Allah bakal disalametkeun. Sanajan kitu, aya hiji hal nu béda pisan di antara dua perang ieu. Dina Armagédon, umat Allah moal milu perang. Malah maranéhna moal boga senjata! Maranéhna bisa kuat lantaran tetep tenang jeung percaya ka Yéhuwa sarta ka pasukan sawarga.—Yes. 30:15; Wahyu 19:​11-15. w19.09 9 ¶4-5

Minggu, 14 Maret

Hiap ka dieu ka Kami.​—Mat. 11:​28, ”SF”.

Hiji cara datang ka Yésus téh diajar saloba-lobana ngeunaan omongan jeung lalampahan anjeunna. (Luk. 1:​1-4) Urang teu bisa ngandelkeun batur, ieu kudu dilakukeun ku urang sorangan. Urang gé datang ka Yésus waktu mutuskeun pikeun dibaptis jeung jadi murid Kristus. Cara séjén datang ka Yésus téh nyaéta datang ka kokolot sidang waktu butuh bantuan. Maranéhna téh ”kurnia” nu digunakeun ku Yésus pikeun ngurus domba-dombana. (Epe. 4:​7, 8, 11; Yoh. 21:16; 1 Pet. 5:​1-3) Urang nu kudu hideng ménta bantuan. Tong mikir para kokolot bisa maca pikiran urang jeung nyaho naon nu dibutuhkeun ku urang. Sadérék nu ngaranna Julian ngomong, ”Abdi ménta dianjangan ku kokolot. Sanggeusna, abdi bener-bener ngarasa meunang berkah nu luar biasa.” Para kokolot nu satia, saperti dua kokolot nu nganjangan Julian, bisa ngabantu urang boga pikiran Kristus, ku kituna urang bisa paham sarta nyonto cara pikir jeung sikepna Yésus. (1 Kor. 2:16; 1 Pet. 2:21) Éta berkah luar biasa nu bisa ditarima ku urang ti para kokolot. w19.09 21 ¶4-5

Senén, 15 Maret

Aya keneh domba-domba Kami lian ti anu ieu, anu henteu sakandang jeung ieu.​—Yoh. 10:16.

Kitab Suci nyebutkeun aya priya jeung wanita nu satia nu dibingbing ku roh suci sanajan lain bagian ti 144.000. Contona, Yohanes Jurubaptis. (Mat. 11:11) Conto séjénna Daud. (Ras. 2:34) Maranéhna jeung loba deui nu séjénna bakal dihirupkeun deui di bumi pirdaus. Maranéhna bareng jeung jelema nu kacida lobana boga kasempetan pikeun némbongkeun kasatiaanana ka Yéhuwa jeung kana pamaréntahan Mantenna. Dina sapanjang sajarah, can pernah Yéhuwa ngumpulkeun jutaan jalma ti sagala bangsa ku cara kieu. Teu sual harepan urang di sawarga atawa di bumi, urang kudu ngabantu saloba-lobana jalma jadi bagian ti ’jelema nu kacida lobana’ nu kaasup ’domba-domba lian’. Sakeudeung deui, Yéhuwa bakal ngalaksanakeun nubuat-Na ngeunaan mangsa cilaka. Engké, kabéh pamaréntah jeung agama nu nyusahkeun umat manusa bakal musna. Tapi, kabéh nu kaasup jelema nu kacida lobana bakal boga hak istiméwa nu luar biasa pikeun ngawula Yéhuwa di bumi salalanggengna!—Wahyu 7:14. w19.09 31 ¶18-​19

Salasa, 16 Maret

Dina mangsa-mangsa ahir jaman ieu bakal aya jelema-jelema . . . anu bakal maroyok ka aranjeun.​—2 Pet. 3:​3.

Lantaran ahir dunya Sétan geus téréh, urang teu héran lamun kasatiaan urang ka Allah jeung Karajaana-Na bakal diuji leuwih ti biasana. Urang sigana bakal terus dipoyokan, utamana lantaran urang teu ngadukung kabéh bagian dunya Sétan. Urang kudu nguatkeun tékad ti ayeuna pikeun tetep satia dina mangsa cilaka. Salila mangsa cilaka, bakal aya parobahan ngeunaan nu mingpin kagiatan urang di bumi. Dina waktuna, kabéh jalma nu diistrénan nu masih aya di bumi dikumpulkeun ka sawarga pikeun miluan perang Armagédon. (Mat. 24:31; Wahyu 2:​26, 27) Éta hartina Badan Pingpinan moal bareng deui jeung urang di bumi. Sanajan kitu, jelema nu kacida lobana bakal tetep diorganisasi. Sadérék-sadérék nu geus pangalaman ti antara domba-domba lian bakal mingpin urang. Urang némbongkeun kasatiaan ka Yéhuwa ku cara ngadukung maranéhna jeung nuturkeun pituduh maranéhna nu asalna ti Allah. Kasalametan urang gumantung kana hal éta! w19.10 17 ¶13-​14

Rebo, 17 Maret

Ka mana ge bade ngiring. . . Ema pupus, abdi ngiring dikubur di dinya.​—Rut 1:​16, 17.

Naomi téh wanoja nu satia jeung nyaah ka Yéhuwa. Tapi sanggeus ditinggal maot ku salaki jeung dua budak lalakina, Naomi hayang ganti ngaran jadi ”Mara” nu hartina ”Pait”. (Rut 1:​3, 5, 20, 21) Rut, minantuna Naomi, terus maturan Naomi dina mangsa nu susah éta. Rut teu ngan saukur nyadiakeun pangabutuh Naomi, tapi ogé ngalilipur manéhna. Rut ngungkabkeun kanyaah sarta dukunganana liwat kekecapan nu saderhana. Waktu aya anggota kulawarga rohani urang nu ditinggal maot ku batur hirupna, manéhna butuh dukungan urang. Salaki pamajikan téh kawas dua tangkal nu tumuwuh babarengan. Sanggeus mangtaun-taun, akarna jadi silih kait. Waktu hiji tangkal paéh, nu hiji deui tangtu kapangaruhan pisan. Kitu ogé, waktu saurang jalma ditinggal maot ku batur hirupna, kasedihna bakal lila leungitna. w19.06 23 ¶12-​13

Kemis, 18 Maret

Jalma beunang kagoda teh lantaran kapincut ku napsuna sorangan.​—Yak. 1:​14.

Ngeunaan hiburan, urang kudu ati-ati kana naon nu dipilih ku urang, tapi urang ogé kudu ati-ati kana sakumaha loba waktu nu dipaké. Lamun henteu, waktu nu dipaké keur hiburan bisa leuwih loba ti batan keur palayanan ka Yéhuwa. Urang kudu ngitung heula sakumaha loba waktu nu dipaké keur hiburan. Sadérék bisa nyobaan pikeun nyieun catetan salila saminggu. Catet dina kalénder sabaraha jam waktu nu dipaké keur lalajo TV, maén Internét, jeung maén game dina alat éléktronik. Lamun waktu nu dipaké téh loba teuing, coba jieun jadwal. Tangtukeun heula waktu keur hal-hal nu leuwih penting, kakara tangtukeun waktu keur hiburan. Geus kitu, suhunkeun bantuan ka Yéhuwa sangkan bisa nuturkeun jadwal éta. Ku kituna, Sadérék bisa boga waktu jeung tanaga pikeun diajar Alkitab pribadi, ibadah kulawarga, pasamoan, sarta palayanan ka Yéhuwa dina ngawawar jeung ngajar. Sadérék gé teu pati rumasa salah dina ngagunakeun waktu keur hiburan lantaran geus ngutamakeun heula Yéhuwa. w19.10 30 ¶14, 16; 31 ¶17

Jumaah, 19 Maret

Najan hayang oge nyieun kalakuan hade, ngalampahkeunana mah teu mampuh.​—Rum 7:18.

Kira-kira taun 55 M, jamaah di Korinta nyieun putusan nu penting. Lantaran apal kana pangabutuh dulur-dulur saimanna di Yérusalém jeung Yudéa, maranéhna mutuskeun rék babarengan méré sumbangan keur mantuan dulur-dulur di ditu. (1 Kor. 16:1; 2 Kor. 8:6) Tapi sababaraha bulan sanggeusna, Rasul Paulus apal yén jamaah Korinta can ngumpulkeun sumbangan. Balukarna, sumbangan maranéhna can siap pikeun dibawa ka Yérusalém bareng jeung sumbangan ti sidang-sidang séjénna. (2 Kor. 9:​4, 5) Jamaah di Korinta nyieun putusan nu alus, jeung dipuji ku Paulus lantaran imanna kuat jeung sumanget kana tutulung. Tapi, maranéhna ogé dijurung pikeun nganggeuskeun naon nu geus dimimitian. (2 Kor. 8:​7, 10, 11) Pangalaman ieu nunjukkeun yén urang Kristen nu satia gé bisa ngarasa hésé ngajalankeun putusan nu alus. Naon sababna? Lantaran teu sampurna, urang osok ngaengké-engké. Atawa lantaran kajadian nu teu disangka-sangka, urang teu bisa ngajalankeunana.​—Pan. 9:11. w19.11 26-​27 ¶3-5

Saptu, 20 Maret

Gunakeun kapercayaan ka PANGERAN minangka jadi tamengna.​—Epe. 6:16.

Siga taméng gedé nu ngalindungan urang saawak-awak, iman gé ngalindungan urang tina lampah cabul, katelengesan, jeung sagala pangaruh goréng ti dunya nu jahat ieu. Urang Kristen keur aya dina pangperangan rohani, musuhna téh kaasup roh-roh jahat. (Epe. 6:​10-12) Kumaha carana mastikeun yén Sadérék siap waktu diuji? Mimitina, ngadoa ménta bantuan ka Allah. Tuluy, gunakeun Firman Allah pikeun mariksa diri sorangan naha hirup urang geus sajalan jeung kahoyong Allah. (Ibr. 4:12) Alkitab nyebutkeun, ”Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan.” (Sil. 3:​5, 6) Ayeuna pikirkeun putusan-putusan nu dijieun ku Sadérék sababaraha waktu katukang. Misalna, naha Sadérék boga masalah ékonomi nu parah? Dina kaayaan éta, naha Sadérék inget jangji Allah dina Ibrani 13:​5, ”Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun”? Naha Sadérék jadi yakin bakal ditulungan ku Yéhuwa? Lamun yakin, éta bukti iman Sadérék kuat. w19.11 14 ¶1, 4

Minggu, 21 Maret

Anak teh kurnia ti PANGERAN.​—Jab. 127:3.

Budak téh butuh jeung layak dibéré loba waktu tur tanaga boh ku indung boh ku bapana. Jadi, kolot nu boga loba budak jeung umurna dareukeut, ngarasa hésé méré perhatian ka tiap budak. Sababaraha kolot nu boga barudak nu laleutik kénéh ngarasa bingung kudu kumaha. Saurang indung bisa jadi kapeureut tanaga jeung émosina. Naha manéhna masih kénéh boga tanaga pikeun diajar, ngadoa, jeung rutin dines? Tangtangan séjénna, naha manéhna bisa merhatikeun jeung meunang mangpaat tina pasamoan. Tangtu, salaki nu nyaahan bakal sabisa-bisa ngabantu pamajikanana waktu budakna keur butuh perhatian, boh di pasamoan boh di imah. Misalna, manéhna bisa ngabantu pamajikanana ngagawékeun pagawéan imah. Manéhna gé satékah polah ngayakeun Ibadah Kulawarga nu rutin sarta bakal rutin dines bareng jeung kulawargana. w19.12 24 ¶8

Senén, 22 Maret

Sabab taun anu kalima puluh teh jadi taun mulangkeun.​—Ima. 25:11.

Naon mangpaatna Yobél keur urang Israil? Misalna, aya urang Israil nu kabeulit hutang, tuluy manéhna kapaksa ngajual tanahna keur ngalunasan hutangna. Dina taun Yobél, tanah éta dipulangkeun deui ka manéhna, ku kituna anak incuna bisa boga warisan. Conto séjénna, saurang lalaki boga hutang gedé. Supaya hutangna punah, manéhna kudu ngajual anakna jadi badéga, atawa malahan manéhna sorangan nu jadi badéga. Dina taun Yobél, badéga bisa ”marulang ka kulawargana sorangan”. (Ima. 25:10) Jadi, moal aya saurang-urang acan nu jadi badéga saumur hirupna! Yéhuwa ngajelaskeun, ”Sasama bangsa sorangan mah moal aya anu miskin, sabab eta tanah anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh teh ku Mantenna bakal diberkahan.” (Pam. 15:4) Béda pisan jeung kaayaan dunya kiwari, jalma nu beunghar beuki beunghar, ari nu miskin beuki miskin! w19.12 8-9 ¶3-4

Salasa, 23 Maret

Sing bijaksana anaking, sangkan Bapa senang.​—Sil. 27:11.

Waktu diuji, Yésus ”sasambat bari medal cisoca”. (Ibr. 5:7) Doana anu husu jeung sapinuh haté nguatkeun tékadna pikeun tetep taat. Di payuneun Yéhuwa, doa Yésus téh siga dupa nu seungit. Saumur hirupna, Yésus bener-bener kamanah ku Bapana jeung ngabuktikeun yén Bapana boga hak pikeun maréntah. Urang bisa nyonto Yésus ku cara satékah polah taat jeung satia ka Yéhuwa. Waktu diuji, urang husu ngadoa nyuhunkeun bantuan Yéhuwa lantaran hayang nyenangkeun Mantenna. Urang sadar yén Yéhuwa moal narima doa urang lamun urang ngalakukeun hal nu dipikaijid ku Mantenna. Tapi, lamun cara hirup urang luyu jeung papakon Yéhuwa, urang yakin doa urang ka Yéhuwa bakal siga dupa anu seungit. Urang gé yakin kasatiaan jeung kataatan urang bakal nyenangkeun Bapa urang nu di sawarga. w19.11 21-​22 ¶7-8

Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 9 Nisan) Lukas 19:​29-​44

Rebo, 24 Maret

Cik nu disebut gandek satia jeung bijaksana teh nu kumaha?​—Mat. 24:25.

Taun 1919, Yésus ngalantik sakelompok leutik sadérék-sadérék nu diistrénan jadi ”gandek satia jeung bijaksana”. Éta gandék mingpin kagiatan pangwawaran jeung nyadiakeun dahareun rohani keur murid-murid Kristus ”saban-saban geus waktuna”. Sétan jeung baladna satékah polah ngahalangan pagawéan gandék nu satia. Mun teu dibantuan ku Yéhuwa mah gandék ieu moal bisa ngalakukeun tugasna. Sanajan aya dua perang dunya, krisis ékonomi sadunya, teterusan ditentang, jeung ngalaman kateuadilan, gandék nu satia jeung bijaksana ieu terus nyadiakeun dahareun rohani keur murid-murid Kristus nu aya di bumi. Bayangkeun, ayeuna aya loba pisan dahareun rohani nu disadiakeun haratis dina leuwih ti 900 basa! Ieu bukti nu jelas yén Yéhuwa ngadukung maranéhna! Aya deui bukti séjénna yén Yéhuwa ngaberkahan maranéhna, nyaéta kagiatan pangwawaran. Warta hadé geus diwawarkeun ”ka sakuliah dunya”.​—Mat. 24:14. w19.11 24 ¶15-​16

Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 10 Nisan) Lukas 19:​45-48; Mateus 21:​18, 19; 21:12, 13

Kemis, 25 Maret

Ku sabab rendah manah jeung ajrih, paneda [Kristus] ku Allah dikabul.​—Ibr. 5:7.

Unggal taun dina Poé Pangampura Dosa, Imam Agung kudu ngaduruk seuseungitan heula saacan nyanggakeun kurban. Ku kituna, waktu nyanggakeun kurban téh manéhna geus kamanah ku Allah. Basa keur di bumi, Yésus ngalakukeun hal nu penting saacan ngurbankeun kahirupanana. Hal éta leuwih penting ti batan nyalametkeun umat manusa. Naon éta téh? Anjeunna geus satia taat ka Yéhuwa salila hirupna di bumi, jadi Yéhuwa narima korban anjeunna. Ku kituna, Yésus ngabuktikeun yén ngalampahkeun kahoyong Yéhuwa téh cara hirup nu bener. Yésus gé ngabuktikeun yén Bapana boga hak pikeun maréntah jeung carana adil. Salila hirup di bumi, Yésus kalawan sampurna taat kana papakon Yéhuwa nu bener. Gogoda atawa tangtangan naon waé teu bisa ngalemahkeun tékad anjeunna pikeun ngabéla cara Bapana maréntah.​—Pil. 2:8. w19.11 21 ¶6-7

Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 11 Nisan) Lukas 20:​1-47

Jumaah, 26 Maret

Maraneh teu kendat ngabaturan Kami dina sagala cocoba anu kasorang ku Kami.​—Luk. 22:28.

Salila palayanan Yésus, para rasul téh bener-bener jadi sobat keur anjeunna. (Sil. 18:24) Sobat nu kawas kitu téh dihargaan ku Yésus. Salila palayananana, teu aya dulur tegesna nu boga iman ka anjeunna. (Yoh. 7:​3-5) Malah aya dulurna nu nyebut anjeunna teu waras. (Mar. 3:21) Tapi, para rasulna mah béda. Yésus ngomong kekecapan dina ayat poé ieu ka maranéhna dina peuting saacan anjeunna maot. Sanajan para rasul pernah nguciwakeun Yésus, nu diperhatikeun ku anjeunna téh lain kasalahanana tapi iman maranéhna. (Mat. 26:40; Mar. 10:​13, 14; Yoh. 6:​66-69) Dina peuting saacan dipaéhan, Yésus ngomong ka para rasulna nu satia, ”Maraneh ku Kami disebut sobat, lantaran geus dibarere nyaho sagala perkara anu ku Rama didawuhkeun ka Kami.” (Yoh. 15:15) Pasti, sobat Yésus téh sumber kategeran anjeunna. w19.04 11 ¶11-​12

Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 12 Nisan) Lukas 22:​1-6; Markus 14:​1, 2, 10, 11

TANGGAL PANGÉLING-NGÉLING
Sanggeus Panonpoé Surup
Saptu, 27 Maret

Roh Allah ku manten jeung roh urang bareng nganyatakeun yen urang teh putra-putra Allah.—Rum 8:16.

Kumaha saurang jalma bisa nyaho manéhna disaur ka sawarga? Jawabanana jelas dina kekecapan Rasul Paulus ka urang Rum nu ”disalaur supaya jaradi umat-Na [”jalma-jalma suci”, NW]”. Salian ti kekecapan dina ayat poé ieu, Rasul Paulus gé ngomong, ”Roh paparin ti Allah teh moal . . . ngalantarankeun aranjeun jadi pinuh ku rasa kasieun, sabalikna bakal midamel aranjeun jadi putra-putra Allah, sarta ku perbawa Roh Allah, aranjeun bisa nyebut ka Allah, ’Ama, nun Ama!’” (Rum 1:7; 8:​15) Jadi, Allah ngagunakeun roh suci-Na pikeun ngayakinkeun jalma-jalma nu diistrénan yén maranéhna disalaur ka sawarga. (1 Tes. 2:12) Yéhuwa ngabantu maranéhna henteu cangcaya saeutik-eutik acan yén maranéhna dipilih ka sawarga. (1 Yoh. 2:​20, 27, NW) Urang Kristen nu diistrénan teu kudu diyakinkeun ku batur yén maranéhna téh jalma nu diistrénan. w20.01 22 ¶7-8

Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 13 Nisan) Lukas 22:​7-13; Markus 14:​12-16 (Kajadian sanggeus panonpoé surup: 14 Nisan) Lukas 22:​14-65

Minggu, 28 Maret

Kanyaah nu panggedena ti hiji jalma ka sobat-sobatna, nya eta lamun nepi ka iklas ngorbankeun jiwa pikeun ngabelaanana.​—Yoh. 15:13.

Hukum Kristus téh diwangun dina pondasi nu pangkuatna, nyaéta kanyaah. (Gal. 6:2) Sakabéh tindakan Yésus dijurung ku kanyaah. Yésus némbongkeun kanyaah ku cara karunyaan, atawa welas asih, ka batur. Lantaran karunya, Yésus ngajar jalma réa, nyageurkeun nu gering, méré dahar nu lapar, jeung ngahirupkeun deui nu maot. (Mat. 14:14; 15:​32-38; Mar. 6:34; Luk. 7:​11-15) Yésus réla miheulakeun kabutuhan batur ti batan dirina sorangan. Tapi, Yésus némbongkeun kanyaah panggedéna waktu ngorbankeun hirupna demi kapentingan batur. Urang bisa nyonto Yésus ku cara miheulakeun kabutuhan batur. Urang ogé nyonto anjeunna lamun leuwih welas asih ka jalma-jalma di daérah urang. Sipat welas asih éta ngajurung urang pikeun ngawawar jeung ngajarkeun warta hadé ka batur. Éta hartina urang taat kana hukum Kristus. w19.05 4 ¶8-​10

Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 14 Nisan) Lukas 22:​66-71

Senén, 29 Maret

Kami ku [Yéhuwa] diutus kudu ngabewarakeun yen: para tawanan bakal dibebaskeun. . . . Nu dikaniaya baris dileupaskeun.​—Luk. 4:18.

Yésus ngabébaskeun maranéhna tina pangajaran salah para pamingpin agama nu ngabeungbeurat. Harita, loba urang Yahudi dipaksa pikeun ngajalankeun tradisi jeung pangajaran nu salah. (Mat. 5:​31-37; 15:​1-11) Jalma-jalma nu ngakuna bisa ngabingbing sacara rohani téh sabenerna lolong. Lantaran nolak Mésias jeung pangajaranana, maranéhna jadi teu kenal ka Allah, saolah-olah lolong, jeung dosa-dosana teu dihampura. (Yoh. 9:​1, 14-16, 35-41) Ku pangajaran jeung tuladanna, Yésus méré nyaho jalma nu rendah haté carana dibébaskeun tina pangajaran palsu. (Mar. 1:22; 2:23–3:5) Yésus ogé ngabébaskeun umat manusa tina pangbudakan dosa warisan. Lantaran Yésus masrahkeun kahirupanana keur tebusan, Allah bisa ngahampura dosa saha waé nu némbongkeun iman jeung narima korban tebusan éta.​—Ibr. 10:​12-18. w19.12 10 ¶8; 11 ¶10-​11

Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 15 Nisan) Mateus 27:​62-66

Salasa, 30 Maret

Aranjeun teh diterapan cap Ruh Allah sakumaha anu geus dijangjikeun. Ruh Allah teh, jadi pamanjer tina warisan urang.—Epe. 1:​13, 14, ”SF”.

Yéhuwa ngagunakeun roh suci-Na pikeun bener-bener ngayakinkeun urang Kristen nu diistrénan yén manéhna geus dipilih ku Mantenna. Ku cara kitu, roh suci jadi ”tanda [jaminan atawa jangji]” nu ngayakinkeun maranéhna yén dina mangsa kahareup, maranéhna bakal hirup langgeng di sawarga lainna di bumi. (2 Kor. 1:​21, 22) Lamun saurang Kristen diistrénan, naha manéhna pasti meunang ganjaran ka sawarga? Henteu. Manéhna yakin geus dipilih ka sawarga. Tapi manéhna kudu inget kana pangéling ieu, ”Sadérék-sadérék sing sabisa-bisa nyieun upaya sangkan aranjeun tetep disaur jeung dipilih ku Allah. Lamun éta terus dilakukeun, aranjeun pasti moal bakal gagal.” (2 Pet. 1:​10, NW) Jadi, sanajan urang Kristen nu diistrénan geus disalaur ka sawarga, maranéhna bakal meunang ganjaranana lamun tetep satia.—Pil. 3:​12-14; Ibr. 3:1; Wahyu 2:10. w20.01 21-22 ¶5-6

Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 16 Nisan) Lukas 24:​1-12

Rebo, 31 Maret

Omongan anu teu dipikir heula lir pedang nojos, jero ngaraheutanana. Demi omongan anu make akal budi mah jadi tamba.​—Sil. 12:18.

Ku naon tilu sobat Ayub teu welas asih ka manéhna? Salah sahiji alesanana téh lantaran maranéhna ngan ningali situasina ti luarna wungkul. Jadi, maranéhna nuduh nu henteu-henteu. Kumaha supaya urang teu nyieun kasalahan sarupa kitu? Urang kudu sadar yén ngan Yéhuwa nu apal kaayaan nu sabenerna ti saurang jalma. Déngékeun bener-bener waktu saurang jalma nyaritakeun kasusahanana. Ulah ngan saukur ngadéngékeun, rasakeun ogé kasusahanana. Mun geus kitu, kakara urang bisa rasrasan ka dulur-dulur saiman. Lamun welas asih, urang moal nyebarkeun gosip ngeunaan masalah batur. Jalma nu sok ngagosip bisa mecah beulah sidang. (Sil. 20:19; Rum 14:19) Manéhna kalah ka nganyenyeri jalma nu geus sangsara. (Epe. 4:​31, 32) Leuwih alus lamun urang merhatikeun sipat-sipat hadé batur jeung mikirkeun cara nulungan maranéhna nu keur boga masalah! w19.06 21-​22 ¶8-9

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun