PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es21
  • April

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • April
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2021
  • Subjudul
  • Kemis, 1 April
  • Jumaah, 2 April
  • Saptu, 3 April
  • Minggu, 4 April
  • Senén, 5 April
  • Salasa, 6 April
  • Rebo, 7 April
  • Kemis, 8 April
  • Jumaah, 9 April
  • Saptu, 10 April
  • Minggu, 11 April
  • Senén, 12 April
  • Salasa, 13 April
  • Rebo, 14 April
  • Kemis, 15 April
  • Jumaah, 16 April
  • Saptu, 17 April
  • Minggu, 18 April
  • Senén, 19 April
  • Salasa, 20 April
  • Rebo, 21 April
  • Kemis, 22 April
  • Jumaah, 23 April
  • Saptu, 24 April
  • Minggu, 25 April
  • Senén, 26 April
  • Salasa, 27 April
  • Rebo, 28 April
  • Kemis, 29 April
  • Jumaah, 30 April
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2021
es21

April

Kemis, 1 April

Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna.​—Sil. 17:17.

Aristarkus, urang Kristen nu asalna ti Tésalonika di daérah Makédoni, satia jadi sobat Rasul Paulus. Aristarkus mimiti disebutkeun basa Paulus nganjangan Épésus dina perjalanan utusan Injilna nu katilu. Basa keur maturan Paulus, Aristarkus ditéwak ku gorombolan jalma. (Ras. 19:29) Waktu dibébaskeun, Aristarkus teu nyalametkeun dirina sorangan tapi satia maturan Paulus. Sababaraha bulan sanggeusna, di Yunani, Aristarkus tetep maturan Paulus sanajan Paulus diancam rék dipaéhan ku nu nentang. (Ras. 20:​2-4) Kira-kira taun 58 M, basa Paulus dikirim ka Rum pikeun dijadikeun tahanan, Aristarkus maturan manéhna dina perjalanan nu jauh éta, malahan maranéhna ngalaman musibat nyaéta kapalna tilelep. (Ras. 27:​1, 2, 41) Waktu di Rum, katingalina Aristarkus pernah dipanjara bareng jeung Paulus. (Kol. 4:10) Geus tangtu Paulus ngarasa dikuatkeun jeung dililipur ku sobatna nu satia ieu! Siga Aristarkus, urang bisa jadi sobat nu satia ku cara tetep maturan dulur saiman boh keur senang boh keur ’susah’. w20.01 9 ¶4-5

Jumaah, 2 April

Bagja tur kacida diberkahanana sakur anu hirup deui dina mangsa hudang nu kahiji.—Wahyu 20:6.

Jalma nu diistrénan bisa jadi ngarasa teu layak dibéré hak istiméwa ieu. Tapi, manéhna teu saeutik-eutik acan cangcaya yén Yéhuwa geus milih manéhna. Haténa pinuh ku kabungah jeung panghargaan waktu mikirkeun harepan hirup di sawarga. (1 Pet. 1:​3, 4) Jadi, naha ieu hartina jalma nu diistrénan hayang maot? Rasul Paulus ngajawab pananya ieu. Manéhna ngibaratkeun awak manusa jeung imah. Manéhna ngomong, ”Sapanjang make ieu imah anu sipat jasmani, urang teh wungkul rumahuh ku rupa-rupa beungbeurat. Tapi lain hartina hayang ucul tina badan nu asal ti dunya, hayang soteh make badan anu ti sawarga, malar badan anu sipatna keuna ku ajal teh salin jadi sipat hirup.” (2 Kor. 5:4) Urang Kristen nu diistrénan lainna bosen hirup jeung hayang geura maot. Sabalikna, maranéhna resep ngajalankeun hirup jeung hayang unggal poé ngawula Yéhuwa bareng jeung kulawarga sarta sobatna. Tapi, teu sual naon nu dilakukeun ku jalma nu diistrénan, maranéhna terus inget kana harepan luar biasa nu bakal ditarima dina mangsa kahareup.—1 Kor. 15:53; 2 Pet. 1:4; 1 Yoh. 3:​2, 3. w20.01 23 ¶12-​13

Saptu, 3 April

Anu ku Pangeran dipeperih tanda diasih.​—Ibr. 12:​6, 7.

Pikeun ngalatih urang, Bapa urang nu nyaahan méré disiplin lamun perlu. Mantenna ngalakukeunana ku loba cara. Misalna, naon nu dibaca dina Firman-Na atawa didangukeun di pasamoan bisa ngajurung urang nyieun parobahan. Atawa meureun, urang gé bisa narima bantuan ti para kokolot. Rék kumaha waé gé, Yéhuwa ngadisiplin urang téh dijurung ku kanyaah. (Yer. 30:11) Yéhuwa nguatkeun urang waktu nandangan cocoba. Saperti saurang bapa nu ngupahan anakna waktu ngalaman kasusah, Bapa di sawarga nguatkeun urang waktu nandangan cocoba. Mantenna masihan roh suci-Na nu ngalindungan urang tina hal-hal nu bisa ngaruksak sosobatan urang jeung Mantenna. (Luk. 11:13) Urang gé dikuatkeun waktu keur leutik haté. Misalna, Mantenna masihan harepan nu kacida éndahna. Harepan dina mangsa kahareup ngabantu urang teger. Sing inget: Teu sual kasusah nu disanghareupan ku urang, Bapa urang bakal nyageurkeun sagala kapeurih nu dirasakeun. Cocoba ngan saheulaanan, ari berkah ti Yéhuwa mah abadi.​—2 Kor. 4:​16-18. w20.02 5 ¶14-​15

Minggu, 4 April

Ku sabab rasa sirik aya dina diri urang, urang jadi mikahayang hal-hal séjén.​—Yak. 4:​5, ”NW”.

Urang bisa meunang ngalawan parasaan sirik! Pikirkeun conto ti lanceuk-lanceukna Yusup. Mangtaun-taun sanggeus ngajahatan Yusup, maranéhna panggih deui jeung Yusup di Mesir. Saacan ngungkabkeun dirina nu sabenerna ka lanceuk-lanceukna, Yusup nguji heula, naha maranéhna geus robah atawa acan. Yusup méré dahareun nu jauh leuwih loba ka adina, Binyamin, ti batan ka nu séjénna. (Kaj. 43:​33, 34) Tapi, euweuh tanda-tanda yén lanceuk-lanceukna sirik ka Binyamin. Justru ayeuna mah maranéhna ngahariwangkeun adina jeung bapana, Yakub. (Kaj. 44:​30-34) Lantaran lanceuk-lanceukna geus miceun rasa sirik, kulawargana bisa rukun deui. (Kaj. 45:​4, 15) Kitu ogé, lamun parasaan sirik dipiceun ku urang, urang bisa ngajaga karukunan dina kulawarga jeung di sidang. Yéhuwa hoyong urang ngalawan rasa sirik jeung ngupayakeun karukunan. Lamun urang ngamekarkeun karendahan haté, rasa cukup, jeung rasa sukur, urang moal sirikan. w20.02 19 ¶17-​18

Senén, 5 April

Kaula nyaah ka PANGERAN, sabab kersaeun ngadangu ka kaula, kersaeun ngagalih paneda kaula.—Jab. 116:1.

Hiji cara urang malik nyaah ka Yéhuwa téh nyaéta nyarita ka Mantenna dina doa. Sadérék bakal beuki nyaah ka Allah lamun ngungkabkeun kahariwangan jeung ngucapkeun sukur kana naon nu tos dilakukeun ku Mantenna. Sosobatan Sadérék jeung Yéhuwa gé bakal beuki kuat waktu Sadérék ningali jawaban doa ti Mantenna. Sadérék bakal yakin yén Yéhuwa paham ka Sadérék. Tapi sangkan beuki raket jeung Yéhuwa, Sadérék kudu paham cara pikir Mantenna. Sadérék gé kudu nyaho naon nu dipiharep Mantenna ti Sadérék. Hiji-hijina cara nyaéta diajar Firman-Na, Alkitab. Jadi, Sadérék kudu ngahargaanana. Ngan Alkitab nu ngamuat bebeneran ngeunaan Yéhuwa jeung tujuan Mantenna keur Sadérék. Sadérék bisa ngahargaan Alkitab ku cara maca unggal poé, persiapan mun rék diajar Alkitab, jeung ngalarapkeun palajaranana. (Jab. 119:​97, 99; Yoh. 17:17) Naha Sadérék boga jadwal maca Alkitab? Naha Sadérék nuturkeun jadwalna sangkan bisa maca unggal poé? w20.03 5 ¶8-9

Salasa, 6 April

Ku anjeunna diajak tukeur pikiran . . . saha bae anu kasondongna.​—Ras. 17:17.

Lamun Sadérék teu bisa loba leumpang, Sadérék bisa diuk di tempat umum tuluy ngawawar ka jalma nu ngaliwat. Atawa Sadérék ogé bisa méré kasaksian teu resmi, nulis surat, atawa kasaksian liwat telepon. Loba pawarta nu teu bisa ngawawar ti imah ka imah lantaran boga masalah kaséhatan atawa masalah séjénna, bisa tetep suka bungah ngawawar ku cara ieu. Sanajan gering, Sadérék bisa tetep sagemblengna dina palayanan. Paulus ngomong yén bisa kuat téh lantaran meunang ”kakawasaan ti Allah”. (2 Kor. 4:​7, SF) Paulus butuh dikuatkeun waktu keur gering dina salah sahiji perjalanan panginjilanana. Manéhna ngajelaskeun ka urang Galata, ”Kumaha asalna sim kuring ngawartakeun Injil Kasalametan ka aranjeun, nya eta lantaran sim kuring katarajang gering.” (Gal. 4:13) Sarupa kitu, lantaran gering, Sadérék jadi bisa ngawawar ka dokter, suster, jeung nu ngarawat Sadérék. Biasana, maranéhna keur aya di tempat gawé waktu para pawarta ngawawar ka imah maranéhna. w19.04 4-5 ¶10-​11

Rebo, 7 April

Ari anu merih kana hirup ibadah jeung hayang ngahiji ka Yesus Kristus mah, kabeh ge bakal nandangan panganiayaan.​—2 Tim.3:12.

Dina taun 2018, leuwih ti 223.000 pawarta matuh di nagri-nagri nu ngalarang atawa ngawatesan kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa. Urang teu héran, urang Kristen sajati bakal dikaniaya. Teu sual urang matuh di mana, pamaréntah bisa jadi ujug-ujug ngalarang ibadah urang ka Allah Yéhuwa nu nyaahan. Waktu kagiatan urang dilarang ku pamaréntah, urang bisa waé nyangka yén Allah geus teu resep ka urang. Tapi, sabenerna teu kitu. Contona Rasul Paulus. Manéhna dipikaresep ku Allah. Manéhna boga hak istiméwa pikeun nulis 14 surat dina Kitab-Kitab Yunani Kristen jeung jadi rasul keur bangsa-bangsa séjén. Tapi, manéhna sering dikaniaya. (2 Kor. 11:​23-​27) Tina pangalaman Rasul Paulus, urang diajar yén Yéhuwa ngidinan hamba-Na nu satia dikaniaya. w19.07 8 ¶1, 3

Kemis, 8 April

Anu dilawan ku urang teh . . . kakuatan roh-roh jahat di dunya anu gaib.​—Epe. 6:​12.

Urang reugreug lantaran Yéhuwa perhatian pisan ka hamba-hamba-Na. Salah sahiji carana téh Mantenna mantuan urang ngalawan musuh-musuh urang. Musuh utama urang nyaéta Sétan jeung roh-roh jahat. Yéhuwa ngélingan urang ngeunaan musuh-musuh ieu sarta masihan naon nu dibutuhkeun pikeun ngalawan maranéhna. (Epe. 6:​10-​13) Lamun urang narima bantuan Yéhuwa jeung bener-bener ngandel ka Mantenna, urang bisa suksés ngalawan Iblis. Urang bisa yakin saperti Rasul Paulus nu nulis, ”Lamun Allah aya di pihak urang, saha nu bisa ngalawan ka urang?” (Rum 8:31) Salaku urang Kristen sajati, urang teu paduli ka Sétan jeung roh-roh jahat. Nu paling dipikirkeun ku urang mah Yéhuwa jeung carana ngawula Mantenna. (Jab. 25:5) Sanajan kitu, urang kudu apal cara-cara Sétan nyasabkeun jalma-jalma. Ku naon? Supaya urang teu katipu.​—2 Kor. 2:11. w19.04 20 ¶1-2

Jumaah, 9 April

Sing cepet kana ngadenge, sing lambat kana nyarita.​—Yak. 1:​19.

Waktu nyanghareupan jalma nu keur strés, naha urang bener-bener ngaregepkeunana? Teu cukup ngan saukur cicing jeung teu ngomong nanaon. Bari ngaregepkeun, urang bisa némbongkeun rasrasan jeung kanyaah. Sakapeung, parasaan éta bisa diungkabkeun ku hiji atawa dua kalimah nu bijaksana. Sadérék bisa ngomong, ”Duh, abdi jadi sedih.” Bisa ogé Sadérék nanyakeun hiji atawa dua pananya pikeun mastikeun yén Sadérék paham kana carita dulur saiman nu keur susah haté. Sadérék bisa nanya, ”Punten bilih salah, abdi hoyong terang maksudna téh kumaha nya?” atawa ”Ari nu dicarioskeun téh maksudna ieu sanés?” Ku cara kitu, manéhna jadi yakin yén Sadérék bener-bener ngaregepkeun jeung hayang ngarti kana parasaan manéhna. (1 Kor. 13:​4, 7) Kadé, sing ”lambat kana nyarita”. Ulah motong carita manéhna pikeun méré naséhat atawa ngalempengkeun cara pikirna. Sing sabar! Ti batan méré jalan kaluar, urang kudu rasrasan jeung némbongkeun kanyaah.—1 Pet. 3:8. w19.05 17-​18 ¶15-​17

Saptu, 10 April

Salaki kudu nyaah ka pamajikan, cara Kristus mikaasih ka [sidang jamaah] nepi ka ngurbankeun nyawa-Na.​—Epe. 5:​25.

Di kulawarga, salaki kudu nyaah ka pamajikanana ”cara Kristus ka [sidang jamaah]”. (Epe. 5:​28, 29) Salaki kudu nyonto kanyaah Kristus nu teu mentingkeun diri ku cara miheulakeun kabutuhan jeung kapentingan pamajikanana. Sababaraha lalaki hésé némbongkeun kanyaah siga kitu, bisa jadi lantaran digedékeun di lingkungan nu jalma-jalmana teu adil jeung teu nyaahan. Kabiasaan goréng bisa jadi hésé dipiceun, tapi maranéhna kudu barobah sangkan bisa taat kana hukum Kristus. Salaki nu némbongkeun kanyaah nu teu mentingkeun diri bakal diajénan ku pamajikanana. Bapa nu bener-bener nyaah ka barudakna moal ngomong atawa ngalakukeun hal-hal nu nganyenyeri barudakna. (Epe. 4:31) Sabalikna, manéhna bakal ngungkabkeun kanyaah jeung panghargaan sangkan barudakna ngarasa aman. Ku kituna, barudakna bakal nyaah jeung percaya ka manéhna. w19.05 6 ¶21

Minggu, 11 April

Eta putra . . . ku Allah Pangeran bakal didamel raja sakumaha Daud karuhun-Na, bakal ngarajaan ka turunan Yakub salalawasna.​—Luk. 1:​32, 33.

Naon maksud kekecapan malaikat Jabrail ka Mariam? Naha Mariam mikir ieu téh hartina Yésus bakal ngagantikeun Raja Hérodés atawa ngagantikeun salah sahiji putra mahkotana? Lamun Yésus jadi raja, éta hartina Mariam jadi indungna raja, jeung kulawarga manéhna bisa cicing di karaton karajaan. Tapi, euweuh catetan nu nyebutkeun yén Mariam ngomong kitu ka Jabrail. Urang gé teu pernah maca Mariam ménta kadudukan nu luhur dina Karajaan, saperti dua murid Yésus. Mariam téh kacida rendah haténa! Urang kudu inget, tujuan utama diajar Firman Allah jeung publikasi téh sangkan leuwih raket ka Yéhuwa. Urang ogé hayang nyaho ”rupa sorangan” jeung apal naon nu kudu dirobah tina diri urang pikeun nyenangkeun Allah. (Yak. 1:​22-25; 4:8) Unggal rék diajar, suhunkeun roh suci Yéhuwa. Urang kudu nyuhunkeun bantuan Mantenna sangkan bisa meunang mangpaat saloba-lobana jeung nyieun parobahan. w19.05 31 ¶18-​19

Senén, 12 April

Sing hawatos ka abdi nu kasesahan, nun PANGERAN, panon carindul balas ceurik awak parantos teu walakaya.​—Jab. 31:10.

Sakapeung, urang nyanghareupan sababaraha masalah sakaligus, nu nyababkeun urang jadi strés. Perhatikeun conto-conto ieu. Saurang Saksi nu ngaranna John keuna ku sklérosis multipel, nyaéta panyakit nu nyerang sistim saraf. Tapi manéhna beuki nalangsa waktu ditinggalkeun ku pamajikanana nu geus babarengan salila 19 taun. Geus kitu, dua budak awéwéna eureun ngawula Yéhuwa. Pasangan Bob jeung Linda ngalaman tangtangan nu béda deui. Duanana di-PHK jeung kudu kaluar ti imahna lantaran teu bisa mayar séwa. Salian ti éta, Linda didiagnosis keuna ku panyakit jantung nu ngabahayakeun kahirupanana, jeung aya panyakit séjén nu ngaruksak sistim imunna. Urang bisa yakin yén Yéhuwa, Bapa nu nyiptakeun urang, paham kana parasaan urang waktu keur strés. Mantenna hoyong ngabantu urang nyanghareupan masalah-masalah urang. (Pil. 4:​6, 7) Dina Firman Allah, aya loba kisah nu nyaritakeun hamba-hamba Allah nu nyanghareupan rupa-rupa masalah. Alkitab ogé ngajelaskeun carana Yéhuwa ngabantu maranéhna supaya henteu strés deui. w19.06 14 ¶2-3

Salasa, 13 April

Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna. Ari dulur pikeun naon mun lain keur silih tulungan dina kasusah?​—Sil. 17:17.

Lamun ngalakukeun kahadéan leutik ka dulur saiman nu geus teu boga batur hirup, urang némbongkeun yén urang nyaah ka manéhna. Manéhna téh ayeuna sorangan, jadi butuh sobat. Kumaha Sadérék bisa jadi sobat manéhna? Sadérék bisa ngajak dahar bareng, ngajak ulin, atawa dines. Sakali-kali, Sadérék ogé bisa ngajak manéhna milu ibadah kulawarga. Lamun éta dilampahkeun, Yéhuwa bakal bungah, ku lantaran Mantenna ”raket ka jalma nu remuk hate” jeung ”ngaraksa ka randa-randa”. (Jab. 34:19; 68:6) Sakeudeung deui, waktu Karajaan Allah maréntah bumi, kabéh ”kasangsaraan anu ka tukang-tukang ku [urang] bakal kapopohokeun”. Urang gé ngadagoan pisan waktuna ”sagala kajadian anu ka tukang-tukang geus moal kainget-inget” deui. (Yes. 65:​16, 17) Bari ngadagoan, hayu urang silih dukung jeung némbongkeun kanyaah ka kulawarga rohani urang liwat ucap jeung lampah.​—1 Pet. 3:8. w19.06 25 ¶18-​19

Rebo, 14 April

Tong salempang, PANGERAN Anu ngaraksa!​—Ibr. 13:6.

Mangtaun-taun katukang, Warta Hadé nyebutkeun, ”Jalma nu wanoh ka Allah bakal bener-bener ngandelkeun ka Mantenna waktu dikaniaya.” Éta bener pisan! Sangkan tetep tabah waktu dikaniaya, urang kudu nyaah jeung bener-bener ngandel ka Yéhuwa. (Mat. 22:​36-38; Yak. 5:11) Pék baca Alkitab unggal poé sangkan leuwih raket ka Yéhuwa. (Yak. 4:8) Waktu maca, lenyepan sipat-sipat Yéhuwa nu nyaahan, welas asih, jeung bageur. Pék rasakeun kanyaah Yéhuwa dina cariosan atawa tindakan Mantenna. (Bud. 34:6) Aya nu hésé percaya yén Yéhuwa téh nyaah lantaran maranéhna tara ngarasakeun kanyaah. Lamun éta nu dirasakeun ku Sadérék, coba jieun daptar kahadéan jeung welas asih Yéhuwa nu geus ditunjukkeun ka Sadérék. (Jab. 78:​38, 39; Rum 8:32) Pék inget-inget deui naon nu pernah kaalaman jeung lenyepan naon nu pernah dibaca dina Firman Allah. Sadérék tangtu bisa nuliskeun loba hal nu pernah dilakukeun ku Yéhuwa keur Sadérék. Sadérék bakal leuwih raket ka Yéhuwa lamun ngahargaan naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa.—Jab. 116:​1, 2. w19.07 2-3 ¶4-5

Kemis, 15 April

Sim kuring moal maksa ka aranjeun tina hal naon anu ku aranjeun kudu dipercaya . . . Sabalikna sim kuring seja sabilulungan jeung aranjeun pikeun kabagjaan aranjeun.​—2 Kor. 1:​24.

Yéhuwa teu masihan wewenang ka urang pikeun nyieun putusan keur batur. Jalma nu nambah-nambah aturan teu ngalindungan dulur-dulur saimanna. Manéhna maksakeun kahayangna sorangan. Sétan si Iblis, moal eureun nganiaya hamba Yéhuwa nu satia. (1 Pet. 5:8; Wahyu 2:10) Sétan jeung baladna ngupayakeun sangkan ibadah urang ka Yéhuwa dilarang. Tapi, urang teu kudu sieun! (Pam. 7:21) Yéhuwa aya di pihak urang. Mantenna bakal terus ngadukung urang sanajan kagiatan urang dilarang. (2 Bab. 32:​7, 8) Mugia urang boga tékad nu sarua jeung dulur-dulur urang dina abad kahiji. Maranéhna ngomong ka para pamingpin, ”Para Juragan kantun nimbang-nimbang, mana anu sapagodos sareng pangersa Allah, kedah tunduk ka Juragan-juragan atanapi kedah tumut kana timbalan Allah. Sim kuring moal tiasa upami dugi ka henteu nyanggemkeun perkawis eta, anu parantos katingal sareng kakuping pribadi.”​—Ras. 4:​19, 20. w19.07 13 ¶18-​20

Jumaah, 16 April

Pipikiran jelema teh saibarat cai dina sumur jero. Tapi ku anu berbudi mah teu burung katimba.​—Sil. 20:5.

Waktu ngawawar, urang kudu apal naon nu mangaruhan pikiran jalma-jalma. Rasul Paulus téh urang Yahudi. Tangtu manéhna kudu nyaluyukeun diri waktu ngawawar ka jalma nu lain Yahudi nu apal saeutik atawa teu apal sama sakali ngeunaan Yéhuwa jeung Kitab Suci. Urang bisa ngarisét sangkan urang bisa rasrasan jeung paham ka jalma-jalma di daérah urang. (1 Kor. 9:​20-​23) Tujuan urang téh néangan jalma nu ”daekeun dianjrekan”. (Mat. 10:11) Sangkan hasilna alus, urang kudu nanyakeun kumaha pandangan batur, tuluy déngékeun bener-bener. Saurang sadérék ti Inggris osok nanya ngeunaan carana boga perkawinan nu bagja, carana ngagedékeun budak, atawa carana nyanghareupan kateuadilan. Sanggeus ngadéngékeun jawabanana, kakara manéhna ngomong, ”Kumaha pandangan Sadérék kana naséhat nu ditulis ampir 2.000 taun katukang ieu?” Manéhna macakeun ayat tina handphone bari teu nyebutkeun éta téh tina ”Alkitab”. w19.07 21-​22 ¶7-8

Saptu, 17 April

Tapi Allah mah geus nembongkeun asih-Na ka urang. Kristus pupus ngaganti urang sajeroning urang keur hirup keneh dina dosa.​—Rum 5:8.

Kudu sakumaha gedéna kanyaah urang ka Yéhuwa? Yésus ngomong ka urang Parisi, ”Kudu nyaah ka Pangeran . . . kalawan sabuleudna hate, sabuleudna jiwa, sarta saakal budi.” (Mat. 22:​36, 37, SF) Urang embung mikanyaah Allah satengah haté. Urang hayang kanyaah urang beuki ka dieu beuki gedé. Supaya nyaah ka Allah, urang kudu wanoh ka Mantenna. Alkitab nyebutkeun, ”Anu henteu boga sipat asih teu terang ka Allah, sabab Allah teh sipat asih.” (1 Yoh. 4:8) Rasul Paulus ngajelaskeun yén kanyaah urang bakal beuki gedé lamun urang ”boga pangaweruh nu bener jeung pamahaman” ngeunaan Mantenna. (Pil. 1:​9, NW) Waktu mimiti diajar Alkitab, kanyaah urang ka Allah tumuwuh sanajan pangaweruh urang ngeunaan sipat-sipat-Na kakara saeutik. Tapi, beuki loba urang diajar ngeunaan Yéhuwa, kanyaah urang gé bakal beuki gedé. Éta sababna, rutin diajar jeung ngalenyepan Firman Allah téh salah sahiji hal nu pangpentingna dina kahirupan urang.—Pil. 2:​16, SF. w19.08 9 ¶4-5

Minggu, 18 April

Duaan leuwih hade ti batan sorangan.​—Pan. 4:9.

Lamun Sadérék meunang tugas anyar, Sadérék perlu néangan sobat nu anyar. Inget yén pikeun boga sobat, Sadérék kudu bageur jeung gampang dideukeutan. Caritakeun pangalaman Sadérék supaya batur bisa ngarasakeun kabungah dina palayanan ka Yéhuwa. Lamun Sadérék kudu ninggalkeun tugas ku lantaran batur hirup gering, ulah nyalahkeun manéhna. Sabalikna, lamun Sadérék nu gering, ulah rumasa salah. Tong mikir Sadérék geus nguciwakeun batur hirup. Inget, Sadérék duaan téh ”satunggal” jeung geus jangji di hareupeun Yéhuwa bakal silih urus dina sagala kaayaan. (Mat. 19:​5, 6) Lamun Sadérék kudu ninggalkeun tugas lantaran teu disangka-sangka boga orok, yakinkeun budak Sadérék yén manéhna leuwih penting ti batan tugas Sadérék. Yakinkeun budak yén manéhna téh ”kurnia” ti Allah keur Sadérék. (Jab. 127:​3-5) Salian ti éta, caritakeun pangalaman-pangalaman nu nyenangkeun basa Sadérék ngawula sapinuh waktu. Ieu bisa ngajurung budak pikeun ngagunakeun hirupna dina dines ka Yéhuwa, cara Sadérék baheula. w19.08 22 ¶10-​11

Senén, 19 April

Urang nenjo kumaha dihukumna palacur anu geus kaceluk jadug.​—Wahyu 17:1.

Babul Raya, nyaéta sakabéh agama palsu geus ngaruksak nami Allah, misalna ngajarkeun kabohongan ngeunaan Allah. Manéhna ngalacurkeun diri sacara rohani ku cara ulubiung dina pamaréntahan dunya. Manéhna ngagunakeun kawasa jeung pangaruhna pikeun meres anggotana. Salian ti éta, agama palsu gé geus maéhan loba jalma, kaasup hamba Allah. (Wahyu 18:24; 19:2) Yéhuwa bakal ngagunakeun ’sapuluh tanduk’ ti ”sato rupa beureum” pikeun ngabinasakeun ”palacur anu geus kaceluk jadug”. Sato éta ngalambangkeun organisasi Perserikatan Bangsa-Bangsa. Sapuluh tanduk ngalambangkeun pamaréntah-pamaréntah nu ngadukung organisasi éta. Dina waktu nu geus ditangtukeun ku Allah, pamaréntah-pamaréntah éta bakal nyerang Babul Raya. ”Hartana bakal dijabel” sarta ”awakna ditaranjangan” atawa kajahatanana dibolékérkeun. (Wahyu 17:​3, 16) Ancurna Babul Raya bakal gancang pisan, saolah-olah dina sapoé. Jalma-jalma nu ngadukung manéhna bakal reuwas pisan lantaran manéhna sok gedé omong, ”Aing pamohalan ngalaman susah.”—Wahyu 18:​7, 8. w19.09 10 ¶10-​11

Salasa, 20 April

Geura pake,​—​ku maraneh​—​ieu pasangan Kami; jaba ti eta, seug, guguru oge ka Kami.​—Mat. 11:​29, ”SF”.

Ondangan ieu keur kabéh jalma. Yésus moal nolak saha waé nu bener-bener hayang ngawula ka Allah. (Yoh. 6:​37, 38) Kabéh murid Yésus meunang kahormatan pikeun milu ngajalankeun pagawéan nu dipasihkeun ku Yéhuwa ka Yésus. Urang yakin Yésus bakal nyarengan tur nulungan urang dina ngajalankeunana. (Mat. 28:​18-​20) Jalma rendah haté resep deukeut jeung Yésus. (Mat. 19:​13, 14; Luk. 7:​37, 38) Ku naon? Pék bandingkeun antara Yésus jeung urang Parisi. Para pamingpin agama éta teu boga kanyaah jeung sombong. (Mat. 12:​9-14) Tapi, ari Yésus mah nyaahan jeung rendah haté. Urang Parisi hayang kasohor jeung hayang dianggap penting di masarakat. Yésus mah ngomong murid-muridna teu meunang kitu, tapi kudu rendah haté jeung daék ngaladénan batur. (Mat. 23:​2, 6-11) Urang Parisi nyingsieunan jeung ngancam batur pikeun ngawasaan maranéhna. (Yoh. 9:​13, 22) Tapi, tindakan jeung kekecapan Yésus mah nyegerkeun batur. Naha Sadérék geus nyonto tuladan Yésus ieu? w19.09 20 ¶1; 21 ¶7-8; 23 ¶9

Rebo, 21 April

Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui.​—Yak. 4:8.

Pasamoan ngabantu urang ngaraket ka Yéhuwa. Sikep urang kana pasamoan ayeuna bisa nyirikeun naha urang bakal suksés waktu nyanghareupan panganiayaan dina mangsa kahareup. (Ibr. 10:​24, 25) Kumaha bisa kitu? Lamun ti ayeuna urang teu masamoan gara-gara alesan nu teu sapira, komo deui engké waktu urang kudu narohkeun nyawa pikeun masamoan bareng jeung sadérék-sadérék urang. Sabalikna, mun urang boga tékad kuat pikeun terus masamoan, urang moal gampang nyerah waktu musuh ngahalangan urang. Ti ayeuna, urang kudu nguatkeun tékad pikeun terus masamoan. Ku kituna, teu sual urang ditentang atawa dilarang ku pamaréntah, urang bakal tetep tunduk ka Allah ti batan ka manusa. (Ras. 5:29) Apalkeun ayat-ayat nu dipikaresep. (Mat. 13:52) Mémang urang teu mungkin apal kabéh ayat, tapi Yéhuwa bisa ngagunakeun roh suci-Na nu kuat pikeun ngingetkeun urang. (Yoh. 14:26) Ayat-ayat éta bakal ngabantu Sadérék tetep raket ka Yéhuwa jeung tetep satia. w19.07 3 ¶5; 4 ¶8-9

Kemis, 22 April

Inget anaking, dina ahir jaman bakal loba kasukeran.​—2 Tim. 3:1.

Naha Sadérék lahir sanggeus taun 1914? Lamun enya, Sadérék saumur-umur hirup dina ”ahir jaman”. Urang kabéh pernah ngadéngé kajadian-kajadian nu geus dinubuatkeun ku Yésus ngeunaan jaman kiwari. Ieu kaasup perang, bala kalaparan, lini, wabah panyakit, ningkatna kajahatan, jeung panganiayaan umat Yéhuwa. (Mat. 24:​3, 7-9, 12; Luk. 21:​10-12) Urang gé geus ningali kalakuan jalma-jalma saperti nu dinubuatkeun ku Rasul Paulus. Umat Yéhuwa yakin keur hirup dina ”ahir jaman”. Taun 1914 téh geus kaliwat jauh, jadi pasti urang ayeuna hirup dina panungtungan ”ahir jaman”. Lantaran ahir dunya ieu geus téréh, urang kudu nyaho jawaban tina sababaraha pananya penting ieu: Bakal aya kajadian naon dina panungtungan ”ahir jaman”? Yéhuwa hoyong urang ngalakukeun naon salila ngadagoan kajadian-kajadian éta? w19.10 8 ¶1-2

Jumaah, 23 April

Sing saha anu tabah nepi ka panungtungan bakal dirahayukeun.​—Mat. 24:13.

Urang bisa tetep tabah lantaran ngandelkeun Yéhuwa, lain lantaran kaayaanana bakal jadi leuwih alus atawa henteu. (Rum 12:12) Jangji Yésus dina ayat poé ieu ngamaksudkeun urang kudu tetep satia teu sual naon waé tangtanganana. Ku cara tetep tabah waktu nyanghareupan unggal cocoba, urang bakal beuki kuat waktu mangsa cilaka dimimitian. Sakumaha urang kudu ngandelkeun Yéhuwa sangkan bisa tabah, urang gé kudu ngandelkeun Yéhuwa sangkan bisa wani. Kumaha urang bisa leuwih ngandelkeun Yéhuwa? Ku cara maca Firman Allah unggal poé jeung ngalenyepan cara Yéhuwa nyalametkeun umat-Na dina jaman baheula. (Jab. 68:21; 2 Pet. 2:9) Waktu bangsa-bangsa nyerang dina mangsa cilaka, urang kudu wani jeung ngandelkeun Yéhuwa leuwih ti saacanna. (Jab. 112:​7, 8; Ibr. 13:6) Lamun urang ngandelkeun Yéhuwa ti ayeuna, urang bakal wani waktu nyanghareupan serangan Gog. Urang ogé diyakinkeun yén urang bakal tetep aman lantaran dijaga ku Yéhuwa nu nyaah ka urang.​—1 Kor. 13:8. w19.10 18 ¶15-​16

Saptu, 24 April

Saalam dunya dibawah ku si Jahat.​—1 Yoh. 5:​19.

Iblis ngadalikeun hal-hal nu aya di dunya ieu jeung ngagunakeunana supaya urang ngutamakeun hasrat nu wajar jeung hasrat nu salah. (Epe. 2:​1-3) Tujuanana téh sangkan kanyaah urang kabagi, jadi urang teu sapinuhna deui ngabakti ka Yéhuwa. Sanggeus nulis ngeunaan panungtungan dunya Sétan jeung ngeunaan dunya anyar nu bakal datang, Rasul Pétrus nyebutkeun, ”Ku sabab kitu dulur-dulur, sabot ngadago eta Poe teh kudu sakuat-kuat hirup beresih taya cawadeunana di payuneun Allah, sarta sing rumaket ngabdi ka Mantenna.” (2 Pet. 3:14) Lamun urang taat kana naséhat ieu jeung sabisa-bisa tetep bersih sacara moral jeung rohani, éta ngabuktikeun yén urang ngabakti ngan ka Yéhuwa. Sétan jeung dunyana bakal terus ngagoda urang supaya henteu ngutamakeun Yéhuwa. (Luk. 4:13) Tapi, urang boga tékad pikeun ngabakti ngan ka Yéhuwa lantaran éta hak Mantenna! Saha waé atawa naon waé moal ngagantikeun Yéhuwa dina haté urang. w19.10 26 ¶4; 31 ¶18-​19

Minggu, 25 April

Dosa anu ngalantarankeunhate paur.​—Jab. 38:19.

Ngarasa hariwang kana sababaraha hal téh alus. Misalna, alus lamun urang mikirkeun kumaha carana nyenangkeun Yéhuwa jeung Yésus. (1 Kor. 7:32) Lamun ngalakukeun dosa gedé, urang hariwang kumaha carana mulihkeun deui sosobatan jeung Allah. Urang gé mikirkeun kumaha bisa nyenangkeun batur hirup, ngurus anggota kulawarga, jeung ngabantu dulur saiman. (1 Kor. 7:33; 2 Kor. 11:28) Tapi, lamun urang hariwang teuing, urang bisa teterusan hariwang ngeunaan dahareun jeung papakéan. (Mat. 6:​31, 32) Jadi, urang kalah ka mikirkeun carana boga loba harta banda. Lamun diantep, iman urang ka Yéhuwa bisa lemah sarta sosobatan urang jeung Mantenna bisa ruksak. (Mar. 4:19; 1 Tim. 6:10) Urang gé bisa waé jadi hayang pisan dipikaresep ku batur. Urang jadi leuwih sieun diléléwé atawa dikaniaya ku manusa ti batan sieun teu nyenangkeun Yéhuwa. Sangkan teu kitu, urang kudu nyuhunkeun iman jeung kawani ka Yéhuwa pikeun nyanghareupan tangtangan éta.—Sil. 29:25; Luk. 17:5. w19.11 15 ¶6-7

Senén, 26 April

Tapi lamun di antara aranjeun aya anu kurang bijaksana, kudu nyuhunkeun ka Allah supaya dipaparin kabijaksanaan.​—Yak. 1:5.

Aya putusan penting nu moal dirobah ku urang. Misalna, putusan pikeun ngawula Yéhuwa jeung pikeun satia ka batur hirup. (Mat. 16:24; 19:6) Tapi, bisa jadi putusan séjén perlu dirobah. Ku naon? Lantaran kaayaan urang barobah. Kumaha carana sangkan urang sabisa-bisa nyieun putusan nu panghadéna? Ngadoa ménta kabijaksanaan. Dina sababaraha hal, urang bisa waé ”kurang bijaksana”. Jadi, andelkeun Yéhuwa, waktu nyieun putusan jeung waktu mariksa deui éta putusan. Sadérék bakal dibantu ku Yéhuwa. Pék ngarisét. Talungtik Firman Allah, baca publikasi ti organisasi Yéhuwa, jeung pénta saran ti jalma-jalma nu dipercaya ku Sadérék. (Sil. 20:18) Risét kawas kitu penting saacan nyieun putusan ngeunaan ganti pagawéan, pindah ka daérah séjén, atawa milih pendidikan nu cocog pikeun ngadukung dines Sadérék. w19.11 27 ¶6-8

Salasa, 27 April

Jelema cilaka sim kuring teh! Saha anu bakal nyalametkeun sim kuring tina ieu badan anu baris ngagusur kana maot?​—Rum 7:​24.

Urang tangtu bungah lantaran Yéhuwa méré jalan pikeun ngabébaskeun urang tina dosa. Yésus hiji-hijina jalan pikeun ngabébaskeun urang. Leuwih ti 700 taun saacan Yésus datang ka bumi, Nabi Yésaya nganubuatkeun yén jalma-jalma bakal meunang kabébasan nu jauh leuwih unggul ti batan kabébasan salila taun Yobél. Manéhna nulis, ”Hate kaula kaeusian ku Roh PANGERAN Nu Maha Agung. Kaula ku Mantenna dipilih, diutus, pikeun nepikeun beja alus ka nu sangsara, nyageurkeun anu hatena remuk, ngabejaan ka nu keur jadi tawanan, yen maranehna bakal dijait.” (Yes. 61:1) Saha nu ngalaksanakeun nubuat ieu? Nubuat penting ngeunaan kabébasan ieu mimiti laksana dina awal palayanan Yésus. Waktu anjeunna datang ka sinagoga di lemburna, Nasarét, Yésus macakeun nubuat Yésaya éta ka urang Yahudi nu ngarumpul di dinya jeung ngajelaskeun yén nubuat éta laksana dina dirina.​—Luk. 4:​16-19. w19.12 9-​10 ¶6-8

Rebo, 28 April

Tapi waktu eta Injil Kasalametan ti Allah teh ku sim kuring dibawa ka aranjeun, sanajan loba anu ngalawan ge sim kuring ku Allah dikersakeun wani.​—1 Tes. 2:2.

Pikeun nyanghareupan panganiayaan, urang butuh kawani. Lamun Sadérék lain jalma nu wanian, Sadérék kudu kumaha? Inget yén kawani nu sajati teu gumantung kana gedéna awak atawa kakuatan jeung kamampuh Sadérék. Contona Daud waktu ngalawan Goliat. Dibandingkeun jeung Goliat nu badag, Daud mah leutik, lemah, jeung teu mawa senjata perang. Daud malah teu mawa pedang-pedang acan. Tapi, manéhna wanian pisan. Bari lumpat, manéhna ngalawan raksasa nu sombong éta. Ku naon Daud bisa wanian kitu? Daud percaya pisan yén manéhna ditangtayungan ku Yéhuwa. (1 Sam. 17:​37, 45-​47) Nu diperhatikeun ku Daud téh lain sakumaha gedéna Goliat dibandingkeun jeung dirina, tapi sakumaha leutikna Goliat dibandingkeun jeung Yéhuwa. Naon palajaranana? Urang bakal wani lamun percaya urang ditangtayungan ku Yéhuwa. Urang gé bisa wani lamun yakin musuh urang mah leutik dibandingkeun jeung Allah Nu Mahakawasa.​—2 Bab. 20:15; Jab. 16:8. w19.07 5 ¶11-​13

Kemis, 29 April

Aranjeunna tiluan . . . Kacida nulungna.—Kol. 4:11.

Tihikus téh batur Rasul Paulus nu bener-bener bisa diandelkeun. (Ras. 20:4) Kira-kira taun 55 M, Paulus ngatur sangkan sumbangan dikumpulkeun pikeun nulungan urang Kristen di Yudéa, jeung bisa jadi manéhna nitah Tihikus mantuan ngalaksanakeun tugas penting ieu. (2 Kor. 8:​18-20) Teu lila waktu Paulus dipanjarakeun nu mimiti di Rum, Tihikus jadi utusan pribadina. Tihikus diutus ku Paulus pikeun nepikeun surat jeung pesen nu nguatkeun sidang-sidang di Asia. (Kol. 4:​7-9) Tihikus terus jadi sobat Paulus nu bisa dipercaya. (Tit. 3:12) Harita, teu kabéh urang Kristen bisa diandelkeun kawas Tihikus. Kira-kira taun 65 M, waktu Paulus dipanjarakeun kadua kalina, Paulus nulis yén loba urang Kristen di wilayah Asia embung campur gaul jeung manéhna, meureun lantaran sieun ku nu nentang. (2 Tim. 1:15) Tapi Tihikus mah béda, manéhna bisa diandelkeun ku Paulus. Paulus gé bisa mercayakeun tugas séjén ka Tihikus. (2 Tim. 4:12) Geus tangtu, Paulus atoh boga sobat siga Tihikus. w20.01 10 ¶7-8

Jumaah, 30 April

Tapi ka urang mah hal eta teh geus dinyatakeun ku Allah.—1 Kor. 2:10.

Meureun Sadérék mikir naha Sadérék téh diistrénan ku roh suci? Mun kitu, pikirkeun pananya-pananya penting ieu: Naha Sadérék boga kahayang nu gedé pikeun ngalampahkeun kahoyong Yéhuwa? Naha Sadérék ngarasa sumanget pisan ngawawar? Naha Sadérék gé jalma nu getol jeung resep pisan diajar Alkitab jeung diajar ”maksad-maksad Allah anu pangbunina”? Naha Sadérék ngarasa Yéhuwa masihan hasil nu alus dina pangwawaran? Naha Sadérék ngarasa boga tanggung jawab gedé pikeun ngabantu batur diajar ngeunaan Yéhuwa? Naha Sadérék geus ningali bukti yén Yéhuwa sering ngabantu Sadérék sacara husus? Lamun Sadérék ngajawab enya pikeun pananya-pananya éta, naha éta ngabuktikeun yén Sadérék disaur ka sawarga? Henteu. Naon sababna? Lantaran sakabéh hamba Allah bisa ngarasa siga kitu. Sabenerna, lamun Sadérék cangcaya naha diistrénan ku roh suci atawa henteu, éta hartina Sadérék henteu diistrénan. Jalma-jalma nu disaur ku Yéhuwa moal cangcaya naha maranéhna diistrénan atawa henteu! Maranéhna yakin dipilih! w20.01 23 ¶14

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun