Méi
Saptu, 1 Méi
Mugi . . . maparin katerangan perkawis budak, upami parantos lahir kedah kumaha ngurusna.—Hak. 13:8.
Naon nu bisa dilakukeun ku kolot pikeun ngajar budakna mikanyaah Yéhuwa? Ngadoa ménta bantuan Yéhuwa, sakumaha Manoah. Sadérék gé bisa ngajar ku tuladan. Omongan mémang penting, tapi tuladan Sadérék bakal leuwih gedé pangaruhna ka budak. Urang yakin Yusup jeung Mariam méré tuladan nu alus keur barudakna, kaasup Yésus. Yusup banting tulang pikeun nganapkahan kulawargana. Salian ti éta, Yusup ngajurung kulawargana pikeun ngahargaan hal-hal rohani. (Pam. 4:9, 10) Manéhna mawa kulawargana ka Yérusalém ”unggal-unggal taun” pikeun ngarayakeun Paska. (Luk. 2:41, 42) Sababaraha bapa di jaman éta bisa waé nganggap perjalanan siga kitu téh ngarépotkeun sarta méakkeun waktu jeung duit. Tapi, Yusup ngahargaan hal-hal rohani jeung ngajar barudakna sangkan boga pandangan nu sarua. Mariam ogé apal kana eusi Alkitab. Ku omongan jeung tuladan, manéhna tangtu ngajar barudakna pikeun mikanyaah Firman Allah. w19.12 24-25 ¶9-12
Minggu, 2 Méi
Sim kuring, manusa anu sipat jasmani geus dijual jadi kawula dosa.—Rum 7:14.
Urang ningali bukti Yéhuwa nyaah ka urang waktu Adam teu taat ka Yéhuwa. Lantaran teu taat, Adam teu bisa deui jadi anggota kulawarga Yéhuwa, kitu ogé jeung turunanana. (Rum 5:12) Tapi, Yéhuwa ngatur sangkan turunan Adam bisa salamet. Adam dihukum ku Yéhuwa, tapi turunan Adam nu can lahir dibéré harepan. Mantenna langsung masihan jangji yén jalma-jalma nu taat bakal jadi kulawarga-Na deui. (Kaj. 3:15; Rum 8:20, 21) Ieu bisa dilaksanakeun lantaran Yéhuwa masihan Putra-Na nu dipikanyaah, nyaéta Yésus, pikeun jadi korban tebusan keur urang. Ieu bukti yén Yéhuwa téh kacida mikanyaahna ka urang. (Yoh. 3:16) Mantenna téh Bapa nu panghadéna. Mantenna ngadangukeun doa urang sarta nyadiakeun pangabutuh jasmani jeung rohani urang. Mantenna ngalatih jeung nguatkeun urang. Mantenna ogé masihan berkah nu luar biasa dina mangsa kahareup. Urang bungah lantaran apal yén Bapa urang téh nyaah jeung merhatikeun urang! w20.02 6 ¶16-17; 7 ¶20
Senén, 3 Méi
Nalika abdi nuju honcewang seueur kasalempang, ku Gusti dililipur malar janglar.—Jab. 94:19.
Naha Sadérék pernah ngarasa strés atawa hariwang pisan? Meureun ku lantaran omongan jeung lalampahan batur atawa ku lantaran omongan lalampahan Sadérék sorangan. Misalna, Sadérék nyieun salah. Sadérék sieun teu dihampura ku Yéhuwa. Malah, Sadérék bisa jadi mikir, lantaran hariwang teuing kana hal éta, Sadérék téh geus jadi jalma teu bener nu lemah iman. Tapi pikirkeun sababaraha conto dina Alkitab. Hana, indungna Nabi Samuél, téh jalma nu kuat iman. Tapi, manéhna pernah strés pisan lantaran dinyenyeri ku salah sahiji anggota kulawargana. (1 Sam. 1:7) Rasul Paulus boga iman nu kuat, tapi manéhna kacida ’melangna ka jamaah-jamaah’. (2 Kor. 11:28) Iman Raja Daud téh kuat pisan, éta sababna Yéhuwa nyaah pisan ka manéhna. (Ras. 13:22) Tapi, Daud nyieun kasalahan nu nyababkeun manéhna strés pisan. (Jab. 38:5) Sanajan kitu, Yéhuwa ngalilipur jeung nengtremkeun maranéhna. w20.02 20 ¶1-2
Salasa, 4 Méi
Nu rek anut ka Kami kudu ninggalkeun kapentingan pribadi.—Mat. 16:24.
Pangbaktian téh hartina Sadérék ngadoa husu ka Yéhuwa, ngungkabkeun yén Sadérék hayang ngawula Mantenna salilana. Lamun geus ngabakti ka Allah, Sadérék kudu ninggalkeun kapentingan pribadi. Ayeuna Sadérék geus jadi milik Yéhuwa, éta mangrupa kahormatan nu luar biasa. (Rum 14:8) Sadérék ngomong ka Mantenna yén ti ayeuna, nu pangpentingna keur Sadérék téh ngawula Mantenna, lainna nyenangkeun diri sorangan. Pangbaktian Sadérék téh mangrupa ikrar nu sérius ka Allah. Yéhuwa teu maksa urang nyieun ikrar éta. Tapi lamun urang geus ikrar, Mantenna hoyong urang nedunanana. (Jab. 116:12, 14) Waktu Sadérék ngabaktikeun diri, euweuh nu ningali. Éta antara Sadérék jeung Yéhuwa wungkul. Ari dibaptis mah di hareupeun jalma réa, biasana dina kongrés. Waktu dibaptis, Sadérék némbongkeun ka batur yén Sadérék geus ngabaktikeun diri ka Yéhuwa. Jadi, batur nyaho yén Sadérék téh mikanyaah Yéhuwa ku sapinuh haté, jiwa, budi akal, sarta kakuatan, jeung boga tékad pikeun ngawula Yéhuwa salilana.—Mar. 12:30. w20.03 9 ¶4-5
Rebo, 5 Méi
Kajeun ku saha, aranjeun ulah kapangaruhan.—2 Tes. 2:3.
Sétan ngalantarankeun idéntitas Yéhuwa jadi samar. Sanggeus para rasul Yésus maraot, sababaraha nu ngaku Kristen nyebarkeun pangajaran palsu. (Ras. 20:29, 30) Jalma-jalma murtad ieu ngalantarankeun idéntitas Allah nu sajati jadi samar. Misalna, maranéhna teu maké deui nami Allah dina citakan Alkitabna, malah diganti ku kekecapan saperti ”Gusti” atawa gelar séjénna. Ku lantaran nami Yéhuwa diganti ku gelar ”Gusti”, nu maca Alkitab jadi teu nyaho bédana Yéhuwa jeung ”gusti” séjén nu disebutkeun dina Alkitab. (1 Kor. 8:5) Maranéhna ogé ngagunakeun gelar nu sarua, nyaéta ”Gusti”, boh keur Yéhuwa boh keur Yésus. Ku kituna, jalma-jalma jadi teu nyaho yén Yéhuwa jeung Putra-Na téh béda. (Yoh. 17:3) Hal-hal nu ngabingungkeun ieu ngalantarankeun mekarna pangajaran Tritunggal nu teu luyu jeung Firman Allah. Balukarna, loba jalma ngarasa teu mungkin bisa kenal ka Allah. Ieu kabohongan nu parah!—Ras. 17:27. w19.06 5 ¶11
Kemis, 6 Méi
Laksanakeun sagemblengna palayanan manéh.—2 Tim. 4:5, ”NW”.
Salah sahiji cara pikeun leuwih sagemblengna dina palayanan téh nyaéta ningkatkeun kasanggupan pikeun ngawawar. (Sil. 1:5; 1 Tim. 4:13, 15) Jadi ”batur gawé Allah” téh mangrupakeun kahormatan! (1 Kor. 3:9, NW) Lamun Sadérék ”terang ka anu panghadena” jeung ngutamakeun palayanan, Sadérék bakal ’nyembah PANGERAN bari jeung suka’. (Pil. 1:10; Jab. 100:2) Salaku palayan Allah, Sadérék bisa yakin bakal dikuatkeun ku Mantenna supaya bisa ngalaksanakeun palayanan sanajan Sadérék boga masalah jeung watesan. (2 Kor. 4:1, 7; 6:4) Teu sual Sadérék bisa leuwih sering ngawawar atawa henteu, Sadérék bisa tetep ’atoh’ lamun geus sabisa-bisa ngalaksanakeun palayanan. (Gal. 6:4) Lamun Sadérék ngalaksanakeun palayanan sagemblengna, éta bukti yén Sadérék nyaah ka Yéhuwa jeung sasama. Ku kituna, ”boh [Sadérék] pribadi, boh anu ngadengekeun piwuruk-piwuruk [Sadérék]” bisa salamet.—1 Tim. 4:16. w19.04 6 ¶15; 7 ¶17
Jumaah, 7 Méi
Setan, tukang nyasarkeun saalam dunya.—Wahyu 12:9.
Cara utama Sétan jeung roh-roh jahat nyasabkeun jalma-jalma téh nyaéta spiritisme. Jalma nu ngagunakeun spiritisme ngakuna mah nyaho jeung bisa ngalakukeun hal-hal nu teu bisa dilakukeun ku manusa biasa. Misalna, aya nu ngagunakeun élmu ramal atawa ramalan béntang pikeun ningali mangsa kahareup. Nu séjén api-api bisa ngobrol jeung nu maot. Aya ogé nu ngagunakeun sihir atawa jampé-jampé. Numutkeun hiji survéi di 18 nagri di Amerika Latin jeung Karibia, kira-kira sapertilu ti jalma-jalma nu miluan survéi éta percaya kana élmu gaib jeung sihir. Kira-kira sapertiluna ogé percaya yén urang bisa ngobrol jeung roh-roh. Aya survéi séjén nu diayakeun di 18 nagri di Afrika. Rata-rata, leuwih ti satengah jalma nu disurvéi percaya kana sihir. Tangtu, di mana waé urang hirup, urang kudu nyingkahan spiritisme lantaran Sétan keur ”nyasarkeun saalam dunya”. w19.04 20-21 ¶3-4
Saptu, 8 Méi
Ulah aya nu . . . rucah.—Ibr. 12:16.
Allah Yéhuwa ijid kana sagala bentuk kajahatan, komo deui kana pelécéhan séksual ka budak. (Jab. 5:5-7) Mantenna ijid pisan lantaran éta kajahatan nu luar biasa bejad! Sabagé Saksi-Saksi Yéhuwa, urang ogé ijid kana pelécéhan budak. Hal nu siga kitu moal diantep di sidang. (Rum 12:9) Sagala bentuk pelécéhan budak téh jelas-jelas ngalanggar ”hukum Kristus”! (Gal. 6:2) Sakabéh pangajaran Kristus liwat ucapan jeung tindakanana, dumasar kana kanyaah jeung ngajungjung kaadilan. Lantaran taat kana hukum ieu, urang Kristen sajati ngajaga budak sangkan budak ngarasa aman jeung dipikanyaah. Tapi, pelécéhan budak mah tindakan nu mentingkeun diri jeung teu adil. Balukarna, budak ngarasa teu aman jeung teu dipikanyaah. Hanjakalna, urang Kristen gé keuna ku balukarna. Ku naon? Lantaran ”anu daroraka, anu marunapek” téh loba. Malah aya nu nyulusup ka sidang. (2 Tim. 3:13) Salian ti éta, aya nu ngakuna bagian ti sidang tapi teu bisa ngadalikeun hasratna nu salah tuluy ngalakukeun pelécéhan séksual ka budak. w19.05 8 ¶1-3
Minggu, 9 Méi
Doa jelema nu tumut kana pangersa Allah mah gede maunatna.—Yak. 5:16.
Jalma nu keur leutik haté bisa jadi ngarasa teu layak ngaraket ka Yéhuwa dina doa. Lamun hayang ngalilipur manéhna, urang bisa ngadoa bareng bari nyebutkeun ngaranna. Urang bisa ngungkabkeun ka Yéhuwa yén manéhna téh dipikanyaah pisan ku urang jeung ku dulur-dulur di sidang. Urang bisa nyuhunkeun sangkan Yéhuwa nenangkeun jeung ngalilipur hamba-Na nu dipikanyaah ieu. Doa nu kawas kitu téh bisa bener-bener ngalilipur. Mikir heula saacan ngomong. Omongan nu teu dipikir bisa ngaraheutan haté, tapi omongan nu hadé mah bisa jadi ubar. (Sil. 12:18) Jadi, pék ngadoa ka Yéhuwa sangkan omongan urang merenah jeung nengtremkeun. Sing inget, euweuh kekecapan nu leuwih gedé kawasana ti batan kekecapan Yéhuwa dina Alkitab. (Ibr. 4:12) Waktu ngalilipur batur, urang kudu ngingetkeun yén Yéhuwa nyaah ka manéhna. Urang gé kudu inget yén Yéhuwa téh Allah nu adil. Moal aya kajahatan séksual nu bisa ditutup-tutupan. Yéhuwa ningali kabéh, jeung Mantenna pasti bakal ngahukum jalma jahat nu teu tobat.—Bil. 14:18. w19.05 18 ¶18; 19 ¶19, 21
Senén, 10 Méi
Sing ati-ati, ulah kapikat ku palsapah-palsapah manusa anu taya mangpa’atna tur matak nyasabkeun, anu asalna tina papahaman manusa.—Kol. 2:8.
Sétan hayang urang teu nyaah deui ka Yéhuwa. Sangkan tujuanana kahontal, manéhna mangaruhan atawa mikat pikiran urang sangkan urang boga cara pikir siga manéhna. Sétan ngolo atawa nipu urang sangkan nuturkeun manéhna ku cara ngagunakeun hal-hal nu dipikaresep ku urang. (Kol. 2:4) Sétan keur nyasabkeun jalma-jalma. Naha urang gé kaancam ku bahaya éta? Tangtu! Inget, pépéling Paulus nu dicatet di Kolosa 2:8 téh keur urang Kristen nu diistrénan ku roh suci, lain keur nu teu saiman. (Kol. 1:2, 5) Harita, urang Kristen kaancam ku bahaya éta, komo deui urang kiwari. (1 Kor. 10:12) Naon sababna? Sétan geus ditotogkeun ka bumi, jadi manéhna bébéakan nyasabkeun hamba-hamba Allah nu satia. (Wahyu 12:9, 12, 17) Geus kitu, urang ayeuna hirup dina mangsa jalma-jalma anu daroraka jeung anu marunapék ”geus jahat teh bakal beuki jahat”.—2 Tim. 3:1, 13. w19.06 2 ¶1-2
Salasa, 11 Méi
Parantos teu kiat, nun PANGERAN, mangga candak nyawa abdi.—1 Rja. 19:4.
Élias sieuneun lantaran Ratu Isebél ngancam rék maéhan manéhna. Ku kituna, manéhna kabur ka daérah Bérsyéba. Manéhna ngarasa sakitu leutik haténa nepi ka ”ngarasula mundut ajal”. Ku naon manéhna bisa nepi ka ngarasa kitu? Élias téh ”jelema biasa kawas urang” nu teu sampurna. (Yak. 5:17) Bisa jadi, manéhna geus ngarasa teu kuat lantaran strés jeung capé pisan. Katingalina, Élias mikir yén sagala upayana ngabéla ibadah sajati téh cumah, kaayaan di Israil kitu-kitu waé. Manéhna gé ngarasa ngan sorangan ngawula Yéhuwa. (1 Rja. 18:3, 4, 13; 19:10, 14) Tapi, Yéhuwa paham kana parasaan Élias jeung teu ambek ka manéhna nu ngarasa kitu. Mantenna malah ngabantu sangkan Élias kuat deui. (1 Rja. 19:5-7) Ka dieunakeun, Yéhuwa ngabantu Élias boga pandangan nu bener ku cara némbongkeun kawasa-Na nu luar biasa. Tuluy, Yéhuwa masihan terang yén masih kénéh aya 7.000 jalma nu teu daék sujud ka Baal. (1 Rja. 19:11-18) Ku cara-cara ieu, Yéhuwa nunjukkeun yén Mantenna nyaah ka Élias. w19.06 15-16 ¶5-6
Rebo, 12 Méi
Ka nu leuwih kolot masing ngesto. . . . Ngarendahkeun diri jeung silih ladenan, sabab ceuk Kitab Suci, ”Allah ngalawan ka nu kamagungan”.—1 Pet. 5:5.
Ulah nyanyahoanan. Lamun urang nuturkeun pituduh ti sadérék-sadérék nu boga tanggung jawab jeung bisa dipercaya, urang bakal nyingkahan masalah. Contona, di hiji nagri nu ngalarang kagiatan urang, sadérék-sadérék nu boga tanggung jawab méré pituduh sangkan para pawarta ulah méré publikasi waktu keur dines. Tapi, aya saurang sadérék pameget nu jadi panaratas teu nuturkeun pituduh éta, malah ngabagikeun publikasi. Naon balukarna? Teu lila sanggeus manéhna jeung sababaraha sadérék bérés méré kasaksian teu resmi, maranéhna ditanya-tanya ku pulisi. Sihoréng para patugas geus nuturkeun maranéhna sarta nyokotan publikasi nu geus dibagikeun. Naon palajaranana? Urang kudu nuturkeun pituduh sanajan urang ngarasa teu satuju. Yéhuwa pasti ngaberkahan lamun urang daék nuturkeun pituduh ti sadérék-sadérék nu dilantik pikeun mingpin urang.—Ibr. 13:7, 17. w19.07 12 ¶17
Kemis, 13 Méi
Ari anu merih kana hirup ibadah jeung hayang ngahiji ka Yesus Kristus mah, kabeh ge bakal nandangan panganiayaan.—2 Tim. 3:12.
Dina peuting saacanna maot, Yésus méré nyaho yén saha waé nu hayang jadi muridna bakal dipikageuleuh. (Yoh. 17:14) Nepi ka ayeuna gé urang Kristen nu satia loba nu dikaniaya ku jalma-jalma nu nentang ibadah sajati. Beuki deukeut ka ahir dunya ieu, musuh urang tangtu bakal beuki nentang urang. (Mat. 24:9) Kumaha urang bisa nyiapkeun diri ti ayeuna? Ulah ngabayangkeun nu henteu-henteu. Lamun kitu, urang bakal hariwang jeung kasieunan teuing. Lamun urang ngabayangkeun hal-hal goréng nu can tangtu kajadian, can nanaon gé urang geus éléh. (Sil. 12:25; 17:22) ”Iblis musuh” urang bisa ngagunakeun rasa sieun pikeun ngéléhkeun urang. (1 Pet. 5:8, 9) Penting pikeun nguatkeun hubungan urang jeung Yéhuwa ti ayeuna kénéh. w19.07 2 ¶1-3
Jumaah, 14 Méi
Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami.—Mat. 28:19.
Sanggeus dihirupkeun deui, Yésus ngumpulkeun murid-muridna di hiji gunung di Galiléa. Pas keur ngumpul di dinya, maranéhna pasti panasaran pisan. (Mat. 28:16) Bisa jadi éta téh kajadianana waktu anjeunna némbongan ka murid-muridna ”anu reana leuwih ti lima ratus urang”. (1 Kor. 15:6) Ku naon Yésus ngumpulkeun murid-muridna? Pikeun méré tugas nu penting, ”Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami.” (Mat. 28:18-20) Para murid nu harita ngadéngékeun Yésus, ka dieunakeun jadi sidang Kristen nu mimiti. Tugas utama sidang éta téh ngajadikeun leuwih loba murid. Kiwari, aya puluhan rébu sidang Kristen di sakuliah dunya, tugas utamana gé masih tetep sarua. w19.07 14 ¶1-2
Saptu, 15 Méi
Jagat mah tetep-tumetep.—Pan. 1:4.
Saurang pangawas wilayah di Norwegia ngomong yén jalma-jalma nu teu resep ngobrol ngeunaan Allah biasana daék diajak ngobrol ngeunaan kaayaan dunya. Sanggeus ngenalkeun diri, manéhna osok ngomong, ”Ceuk Sadérék, naha engké hirup urang bakal leuwih hadé? Naha urang bisa ngandelkeun pulitikus, ilmuwan, atawa nu séjén?” Sanggeus ngadéngékeun bener-bener jawabanana, manéhna macakeun atawa nyutat ayat ngeunaan mangsa kahareup nu hadé. Aya nu kageuing ku jangji Alkitab yén bumi moal ancur jeung jalma-jalma nu bageur bakal hirup salilana di dinya. (Jab. 37:29) Alus lamun urang boga loba cara pikeun ngajak ngobrol jalma-jalma. Ku naon? Lantaran nu dipikaresep ku hiji jalma can tangtu dipikaresep ku nu séjén. Aya nu daék ngabahas ngeunaan Allah atawa Alkitab, tapi aya nu leuwih resep lamun ngabahas hal-hal nu umum heula. Rék kumaha gé, urang kudu ngamangpaatkeun kasempetan pikeun ngobrol jeung sagala rupa jalma. (Rum 1:14-16) Ngan Yéhuwa nu bisa numuwuhkeun bebeneran dina haté jalma nu resep kana hal nu bener.—1 Kor. 3:6, 7. w19.07 22-23 ¶10-11
Minggu, 16 Méi
Ku sabab Allah sakitu mikaasihna ka urang, atuh urang oge kudu silih pikaasih.—1 Yoh. 4:11.
Allah nyaah pisan ka urang, jadi urang kajurung pikeun mikanyaah dulur saiman. (1 Yoh. 4:20, 21) Bisa jadi urang mikir urang bakal otomatis nyaah ka maranéhna. Urang téh pan hamba Yéhuwa jeung sabisa-bisa nyonto sipat-sipat Mantenna nu hadé. Urang ogé nuturkeun tuladan Yésus, nu nyaah pisan ka urang nepi ka ngorbankeun nyawana. Tapi, sakapeung urang sok ngarasa hésé taat kana paréntah pikeun silih pikanyaah. Éodia jeung Sintika téh dua sadérék istri nu ”geus banting tulang” ngalalayanan bareng jeung Rasul Paulus. Tapi maranéhna teu akur, bisa jadi ku lantaran béda pandangan. Dina suratna ka sidang maranéhna, Paulus nyebutkeun ngaran Éodia jeung Sintika sarta mapatahan maranéhna sangkan ”alakur”. (Pil. 4:2, 3) Sakabéh anggota sidang gé dipapatahan ku Paulus, ”Lampahkeun sagala kawajiban ulah bari kukulutus atawa cekcok.”—Pil. 2:14. w19.08 9 ¶6-7
Senén, 17 Méi
Kudu silih bantu kabeubeurat.—Gal. 6:2.
Hadéna, loba sidang jeung dulur saiman sabisa-bisa ngabantu para palayan sapinuh waktu sangkan tetep ngajalankeun tugasna. Aya nu méré dukungan matéri, aya ogé nu daék ngarawat anggota kulawarga maranéhna di lemburna. (Gal. 6:2) Lamun aya palayan sapinuh waktu nu ditugaskeun ka sidang urang, ulah mikir yén maranéhna téh dipindahkeun lantaran geus nyieun salah atawa keur didisiplin. Alusna mah bantu maranéhna sangkan bisa ngabiasakeun diri jeung tugasna nu anyar. Bagéakeun maranéhna jeung puji palayanan nu geus dilakukeun, sanajan ayeuna teu bisa ngalakukeun loba hal siga baheula, misalna ku lantaran kaséhatan maranéhna. Pék wawuhan maranéhna. Sadérék bisa diajar tina pamahaman, palatihan, jeung pangalamanana. Mimitina, sadérék nu narima tugas anyar bisa jadi butuh bantuan urang pikeun néangan imah, kendaraan, pagawéan, jeung kaperluan séjénna. w19.08 23 ¶12-13
Salasa, 18 Méi
Kami [bakal] nembongkeun ka bangsa-bangsa, saha Kami teh. Rek dipake nembongkeun kasucian Kami.—Yeh. 38:16.
Gog bakal ngandelkeun ”kakuatan manusa” nyaéta kakuatan militér. (2 Bab. 32:8) Tapi, urang mah bakal ngandelkeun Yéhuwa Allah urang. Tindakan ieu dianggap bodo ku bangsa-bangsa lantaran allah-allahna Babul Raya nu kuat gé teu bisa nyalametkeun manéhna ti ”tanduk nu sapuluh jeung ku satona”! (Wahyu 17:16) Jadi, Gog ngarasa bakal gampang ngéléhkeun urang. Manéhna bakal nyerang umat Yéhuwa ”lir angin ribut anu ngagelebug”. Tapi, ahirna Gog sadar manéhna téh salah léngkah. Siga Piraon di Laut Beureum, Gog sadar nu dilawan ku manéhna téh Yéhuwa. (Bud. 14:1-4; Yeh. 38:3, 4, 18, 21-23) Kristus jeung pasukan sawargana bakal ngabéla umat Allah jeung ngabinasakeun gorombolan Gog. (Wahyu 19:11, 14, 15) Tapi, kumaha jeung musuh utama Yéhuwa, nyaéta Sétan, nu geus nipu bangsa-bangsa supaya nyerang umat Allah dina Armagédon? Yésus bakal ngagebluskeun manéhna jeung roh-roh jahat ka guha kereman jeung diranté salila sarébu taun.—Wahyu 20:1-3. w19.09 11-12 ¶14-15
Rebo, 19 Méi
Tapi dago-dago bae, tangtu kajadian jeung moal ditunda-tunda.—Hab. 2:3.
Wajar lamun urang ngarepkeun hal-hal hadé nu dijangjikeun ku Yéhuwa. Tapi, waktu harepan urang can kacumponan waé, urang bisa kaleungitan sumanget, malahan jadi aral. (Sil. 13:12) Ieu pernah kajadian dina awal abad ka-20. Harita, loba urang Kristen nu diistrénan ngarepkeun bakal diangkat ka sawarga dina taun 1914. Waktu éta teu laksana, kumaha sadérék-sadérék bisa tetep satia sanajan harepanana can kacumponan? Maranéhna teu nyerah dina pangbalapan kahirupan. Hal utama nu dipikirkeun ku maranéhna téh ngalakukeun kahoyong Allah, lain hayang meunang ganjaranana. Maranéhna boga tékad pikeun terus satia. Pasti Sadérék gé hayang pisan Yéhuwa nyucikeun nami-Na, nanjeurkeun hak-Na pikeun maréntah, jeung ngawujudkeun kabéh jangji-Na. Sing yakin, éta kabéh bakal laksana dina waktu nu geus ditangtukeun ku Yéhuwa. Sabari ngadagoan, urang bisa tetep sibuk ngawula Allah. Ulah nepi ka leungit sumanget lantaran aya harepan nu can kacumponan. w19.08 4-5 ¶9-10
Kemis, 20 Méi
Kami mah lemah lembut tur rendah hate.—Mat. 11:29, ”SF”.
Pék pikirkeun: ’Naha batur nganggap abdi téh jalma nu rendah haté jeung teu gancang ambek? Naha abdi daék ngagawékeun hal nu dianggap rendah keur kapentingan batur? Naha abdi bageur ka batur?’ Lamun aya Yésus, kaayaanana téh jadi tengtrem, matakna batur resep digawé bareng jeung Yésus. Anjeunna gé resep ngalatih maranéhna. (Luk. 10:1, SF; 10:19-21) Lantaran sikepna éta, murid-murid teu asa-asa nanya ka anjeunna. Yésus gé hayang nyaho pandangan maranéhna. (Mat. 16:13-16) Kawas pepelakan di taman nu loba caina, murid-murid Yésus nyerep loba hal tina pangajaran Yésus, ku kituna maranéhna bisa ngahasilkeun hal-hal nu hadé. Naha Sadérék téh jalma nu boga wewenang? Mun enya, pék pikirkeun, ’Waktu abdi aya di tempat gawé atawa di imah, batur ngarasa kumaha? Naha batur bakal ngarasa tenang mun deukeut jeung abdi? Naha batur teu asa-asa tatanya ka abdi? Naha abdi daék ngadéngékeun pandangan batur?’ Urang pasti embung siga urang Parisi nu ambek lamun aya nu cangcaya kana pangajaranana sarta nindes jalma nu pandanganana béda.—Mar. 3:1-6; Yoh. 9:29-34. w19.09 20 ¶1; 23 ¶9-11
Jumaah, 21 Méi
Waktu ceuk jalma-jalma, ”Kaayaan tenang, aman”, kacilakaan ujug-ujug datang narajang ka maranehna!—1 Tes. 5:3.
Para pamingpin dunya osok ngagunakeun ungkapan nu méh sarua waktu nyebutkeun ngeunaan hubungan alus di antara bangsa-bangsa. Tapi, pangumuman nu dinubuatkeun ku Alkitab mah béda. Naon bédana? Waktu ieu kajadian, loba jalma bakal nganggap para pamingpin dunya geus suksés ngawujudkeun dunya nu leuwih tenang jeung aman. Tapi sabenerna, ”kacilakaan [bakal] ujug-ujug datang” sanggeus ”mangsa cilaka” dimimitian. (Mat. 24:21) Urang teu nyaho naon nu nyababkeun para pamingpin ngumumkeun hal éta sarta kumaha éta bakal diumumkeun. Urang gé teu nyaho naha éta téh hiji pangumuman atawa sababaraha pangumuman. Tapi teu sual engké bakal kumaha, nu urang nyaho mah: Urang moal katipu ku para pamingpin dunya nu ngakuna mah bisa ngawujudkeun katengtreman dunya. Sabenerna, éta tandaning ”Poe sumpingna Gusti” rék dimimitian!—1 Tes. 5:2. w19.10 8-9 ¶3-4
Saptu, 22 Méi
Lamun éta jaman geus datang, kabeh jelema ti bangsa maneh, . . . baris disalametkeun.—Dan. 12:1.
Perang Armagédon bakal jadi puncakna ahir dunya ieu. Sanajan kitu, urang teu kudu sieun. Ku naon? Lantaran éta bakal jadi perangna Allah. (Sil. 1:33; Yeh. 38:18-20; Jak. 14:3) Waktu Yéhuwa masihan paréntah, Yésus bakal mingpin pasukan Allah dina perang éta. Anjeunna bakal dibantuan ku kaom nu diistrénan nu geus dihirupkeun deui sarta jutaan malaikat. Maranéhna bakal babarengan merangan Sétan, roh-roh jahat, jeung pasukanana di bumi. (Wahyu 6:2; 17:14) Yéhuwa ngajamin, ”Satiap pakarang anu dipake narajang ka maneh, moal matak kua-kieu.” (Yes. 54:17) Hamba-hamba Allah nu satia nu ”kacida lobana” jeung ”tas dikaniaya kacida hebatna” bakal saralamet! Maranéhna bakal terus ngawula Mantenna. (Wahyu 7:9, 13-17) Urang tangtu jadi reugreug kana mangsa kahareup! Urang nyaho ”PANGERAN ngaraksa ka nu satuhu”. (Jab. 31:24) Kabéh jalma nu nyaah jeung muji Yéhuwa bungah waktu nami Yéhuwa disucikeun.—Yeh. 38:23. w19.10 18-19 ¶17-18
Minggu, 23 Méi
Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna.—Sil. 17:17.
Beuki deukeut ka panungtungan ”ahir jaman”, bisa waé urang ngalaman kasusahan nu parah. (2 Tim. 3:1) Misalna, sanggeus kampanyeu pemilu, hiji nagri di Afrika jadi papecah lantaran aya karusuhan. Leuwih ti genep bulan, sadérék-sadérék urang hésé iinditan lantaran aya karusuhan di mana-mana. Naon nu ngabantu maranéhna nyanghareupan kasusahan ieu? Sababaraha sadérék ngungsi ka imah dulur saiman nu daérahna leuwih aman. Saurang sadérék nyarita, ”Dina kaayaan ieu, untung abdi boga sobat-sobat. Urang jadi bisa silih kuatkeun.” Waktu ”mangsa cilaka” datang, urang bakal atoh boga sobat-sobat nu nyaah ka urang. (Mat. 24:21) Jadi, nguatkeun sosobatan ti ayeuna téh penting. (1 Pet. 4:7, 8) Ku naon? Lantaran musuh urang bakal mecah belah urang ku kabohongan. Maranéhna hayang ngadu domba urang. Tapi, éta bakal percumah. Maranéhna moal bisa megatkeun kanyaah urang ka dulur saiman atawa ngaruksak sosobatan urang. w19.11 2 ¶1-2; 7 ¶19
Senén, 24 Méi
Aranjeun bakal bisa mareumkeun panah-panah seuneu anu dilepas ku si Jahat.—Epe. 6:16.
Sétan, ”bapana sagala bohong”, ngagunakeun kabéh nu dikawasaan ku manéhna pikeun nyebarkeun kabohongan ngeunaan Yéhuwa jeung dulur saiman. (Yoh. 8:44) Misalna, jalma murtad nyebarkeun kabohongan jeung malik-malikeun fakta ngeunaan organisasi Yéhuwa dina Internét, TV, jeung média séjénna. Kabéh kabohongan ieu kaasup ”panah-panah seuneu” ti Sétan. Urang kudu kumaha lamun aya nu nyebarkeun kabohongan siga kitu? Ulah didéngé! Ku naon? Lantaran urang boga iman ka Yéhuwa jeung percaya ka dulur saiman. Malah, urang moal sakali-kali acan komunikasi jeung jalma murtad. Urang moal ngantep rasa panasaran jeung hal-hal séjénna ngajurung urang pikeun debat jeung maranéhna atawa ngalemahkeun iman urang. Lamun Sadérék pernah nampik gogoda pikeun ngadéngékeun atawa debat ngeunaan kabohongan ti jalma murtad, éta téh alus pisan. Tapi, urang kudu tetep ati-ati lantaran Sétan maké senjata-senjata séjén pikeun ngalemahkeun iman urang. w19.11 15 ¶8; 16 ¶11
Salasa, 25 Méi
PANGERAN mah nguji ka nu aya dina sanubari urang.—Sil. 16:2.
Waktu nyieun putusan, pariksa motif sadérék. Yéhuwa hoyong urang jujur dina sagala hal. Jadi waktu nyieun putusan, urang hayang mariksa naon sabenerna motif urang. Urang kudu jujur ka diri sorangan jeung ka batur. Lamun teu jujur, urang bakal hésé ngajalankeun putusan urang. Misalna, saurang sadérék ngora mutuskeun jadi panaratas biasa. Tapi ka dieunakeun, manéhna ngarasa hésé ngahontal jumlah jam nu ditangtukeun sarta teu pati bungah dina dinesna. Manéhna bisa jadi nyangka motifna téh hayang nyenangkeun Yéhuwa. Tapi naha sabenerna manéhna ngan hayang nyenangkeun kolotna atawa batur? Bayangkeun, aya saurang palajar Alkitab nu rék eureun ngaroko. Saminggu dua minggu mah manéhna bisa eureun, tapi tuluy kagoda deui. Sanajan kitu, tungtungna mah manéhna bisa bener-bener eureun! Ku naon manéhna bisa nalukkeun kabiasaan goréngna? Lantaran nyaah ka Yéhuwa jeung hayang nyenangkeun Mantenna.—Kol. 1:10; 3:23. w19.11 27 ¶9; 29 ¶10
Rebo, 26 Méi
Ayeuna mah sing cocog bae hirup aranjeun jeung pangajak wawaran hal Kristus tea.—Pil. 1:27.
Rasul Paulus yakin manéhna bisa ngaréngsékeun pangbalapan jeung ngahontal tujuanana. Salaku urang Kristen nu diistrénan, manéhna ngadago-dago pikeun ’meunangkeun ganjaran, nya eta hirup di sawarga’. Tapi, pikeun ngahontal éta tujuan, manéhna sadar kudu tetep ”ngudag” harepan éta. (Pil. 3:14, SF) Paulus méré ibarat nu alus ka jamaah Pilipi supaya maranéhna ogé tetep mikirkeun tujuanana. Paulus ngingetan jamaah Pilipi nu diistrénan yén maranéhna téh warga sawarga. (Pil. 3:20) Ku naon maranéhna kudu inget kana hal ieu? Harita, loba jalma hayang jadi warga nagara Rum lantaran loba kauntunganana. Tapi, jadi warga sawarga téh leuwih unggul, kauntunganana gé jauh leuwih gedé. Mun dibandingkeun, jadi warga nagara Rum mah euweuh nanaonna! Kiwari, urang Kristen nu diistrénan méré tuladan alus. Maranéhna ngudag tujuan pikeun hirup langgeng di sawarga. w19.08 6-7 ¶14-15
Kemis, 27 Méi
Lamun maraneh geus dibebaskeun ku Putra, enya-enya maraneh bebas.—Yoh. 8:36.
Kabébasan ieu tangtu leuwih unggul ti batan kabébasan salila taun Yobél dina jaman Israil! (Ima. 25:8-12) Misalna, jalma nu dibébaskeun dina taun Yobél bisa jadi badéga deui, jeung ahirna mah maot. Dina poé Péntakosta 33 M, Yéhuwa ngistrénan para rasul jeung priya wanita nu satia séjénna ku roh suci. Maranéhna diaku anak ku Mantenna jadi maranéhna bakal dihirupkeun deui ka sawarga pikeun maréntah bareng jeung Yésus. (Rum 8:2, 15-17) Maranéhna téh nu mimiti meunang kabébasan nu diumumkeun ku Yésus di sinagoga di Nasarét. (Luk. 4:16-19, 21) Priya wanita éta geus dibébaskeun tina pangbudakan pangajaran palsu jeung kabiasaan nu teu luyu jeung Firman Allah nu diajarkeun ku para pamingpin agama Yahudi. Allah gé boga dasar nu kuat pikeun ngabébaskeun maranéhna tina dosa nu ngabalukarkeun maot. Taun Yobélna urang Kristen téh dimimitian pas murid-murid Kristus diistrénan taun 33 M, jeung tungtungna téh dina ahir Pamaréntahan Sarébu Taun Yésus. w19.12 11 ¶11-12
Jumaah, 28 Méi
Pergaulan goreng ngaruksak sipat nu hade.—1 Kor. 15:33.
Kolot, bantu budak Sadérék milih babaturan anu hadé. Indung bapa kudu nyaho saha babaturan budak jeung naon nu dilakukeun ku maranéhna. Kolot gé kudu nyaho budak téh ngobrol jeung saha waé dina média sosial jeung handphone. Babaturan bisa mangaruhan pikiran jeung laku lampah budak. Loba kolot mastikeun sangkan budakna bisa campur gaul jeung jalma-jalma nu jadi tuladan dina ngawula Allah. Contona, N’Déni jeung Bomine, salaki pamajikan ti Pantai Gading, sering ngondang pangawas wilayah mondok di imahna. N’Déni nyarita, ”Pangaruhna alus pisan ka budak. Manéhna jadi panaratas, malahan ayeuna osok jadi pangawas wilayah cadangan.” Beuki awal kolot ngalatih budak, éta beuki hadé. (Sil. 22:6) Perhatikeun conto Timoteus nu milu Paulus nganjangan sidang-sidang. Énika, indungna Timoteus, jeung Lois, ninina, ngajar manéhna ”ti bubudak”, nu dina basa aslina mah bisa ngamaksudkeun budak nu orok kénéh.—2 Tim. 1:5; 3:15. w19.12 25 ¶14; 26 ¶16-17
Saptu, 29 Méi
Aya oge nu satia leuwih ti dulur sorangan.—Sil. 18:24.
Urang bisa nyonto Tihikus ku cara jadi sobat nu bisa dipercaya. Misalna, urang teu ngan saukur ngomong rék nulungan dulur saiman, tapi kudu aya prakprakanana. (Mat. 5:37; Luk. 16:10) Waktu dulur saiman nu butuh bantuan nyaho urang bisa diandelkeun, maranéhna tangtu reugreug pisan. Saurang sadérék istri ngajelaskeun alesanana. Ceuk manéhna, ”Urang moal waswas lantaran apal jalma nu jangji rék nulungan téh pasti ngalaksanakeun jangjina.” Jalma nu keur nyanghareupan tangtangan atawa nu keur kuciwa biasana kalilipur ku sobat nu bisa dipercaya. Sangkan bisa jadi sobat nu bisa dipercaya, urang kudu sabar. Zhanna nu ditinggalkeun ku salakina ngarasa plong waktu nyaritakeun parasaanana ka sobatna. Ceuk manéhna, ”Sobat abdi sabar ngadéngékeun sanajan nu diomongkeun ku abdi téh éta-éta waé.” Sadérék bisa jadi sobat nu hadé lamun Sadérék daék bener-bener ngadéngékeun. w20.01 11 ¶9-11
Minggu, 30 Méi
Eta teh bakal jadi jelema . . . [nu] ti barang dijurukeunana bakal dilinggihan ku Roh Suci.—Luk. 1:15.
Dina Alkitab, aya loba conto jalma-jalma nu boga iman jeung narima roh suci, tapi teu boga harepan ka sawarga. Misalna, Daud dibingbing ku roh suci. (1 Sam. 16:13) Roh suci ngabantu manéhna ngarti kana hal-hal nu jero ngeunaan Yéhuwa jeung ngabingbing manéhna pikeun nulis sababaraha bagian dina Alkitab. (Mar. 12:36) Sanajan kitu, Rasul Pétrus nyebutkeun yén Daud ”henteu munggah ka sawarga”. (Ras. 2:34) Yohanes Jurubaptis ”dilinggihan ku Roh Suci”. (Luk. 1:13-16) Yésus nyebutkeun yén euweuh jalma nu leuwih agung ti batan Yohanes, tapi anjeunna gé nyebutkeun yén Yohanes moal asup ka Karajaan sawarga. (Mat. 11:10, 11) Yéhuwa masihan roh suci-Na supaya maranéhna bisa ngalakukeun hal-hal nu luar biasa, tapi Mantenna teu ngagunakeun roh suci éta pikeun milih maranéhna hirup di sawarga. Naha ieu hartina maranéhna teu pati satia? Henteu, lantaran Yéhuwa bakal ngahirupkeun deui maranéhna di Pirdaus di bumi.—Yoh. 5:28, 29; Ras. 24:15. w20.01 25 ¶15
Senén, 31 Méi
Urang bisa nyaahan teh lantaran Allah miheulaan asih ka urang.—1 Yoh. 4:19.
Yéhuwa ngondang urang pikeun ngagabung jeung kulawarga nu ibadah ka Mantenna. Nu jadi anggota kulawarga urang téh nyaéta jalma-jalma nu geus ngabaktikeun diri ka Allah jeung nu boga iman kana korban tebusan Putra-Na. Kulawarga urang téh kulawarga nu bagja. Hirup urang ayeuna téh sugema, jeung urang boga harepan pikeun hirup langgeng, di sawarga atawa di Pirdaus di bumi. Yéhuwa masihan kasempetan sangkan urang bisa jadi anggota kulawarga-Na téh lantaran Mantenna nyaah pisan ka urang. Tapi, Yéhuwa kudu nyieun pangorbanan nu gedé. (Yoh. 3:16) Urang ”geus digaleuh” ku harga nu mahal. (1 Kor. 6:20) Ku ayana korban tebusan, urang bisa jadi sobatna Yéhuwa. Urang boga kahormatan pikeun nyebut Bapa ka Pribadi nu Mahakawasa sajagat raya. Salian ti éta, Yéhuwa gé Bapa nu panghadéna. Siga salah sahiji nu nulis Alkitab, urang bisa waé mikir, ”Naon atuh pamulang kaula ka PANGERAN kana sagala kasaeana-Na ka kaula?” (Jab. 116:12) Jawabanana, kasaéan Bapa Yéhuwa moal pernah kabayar. Tapi, urang kajurung pikeun mikanyaah Mantenna. w20.02 8 ¶1-3