Juni
Salasa, 1 Juni
Turug-turug ku maruna ngan dipapanas bae, dihaja sina nyerieun hatena.—1 Sam. 1:6.
Hana, indungna Nabi Samuél, nyanghareupan sababaraha masalah nu beurat. Salila mangtaun-taun, manéhna teu bisa boga budak. (1 Sam. 1:2) Dina kabudayaan urang Israil, awéwé nu mandul téh dianggap meunang kutukan. Jadi, manéhna ngarasa teu boga harga diri. (Kaj. 30:1, 2) Aya deui nu ngalantarankeun hirup Hana beuki susah. Salakina kawin deui jeung Pénina, tuluy boga barudak. Hana sedih pisan. Saking keuheulna, Hana ”ceurik jeung teu daekeun dahar-dahar acan”. Haténa nalangsa pisan. (1 Sam. 1:7, 9, 10) Ti mana Hana meunang panglilipur? Hana ngabudalkeun sakabéh eusi haténa ka Yéhuwa dina doa. Sanggeus ngadoa, manéhna ngajelaskeun kaayaanana ka Imam Agung Éli. Tuluy Imam Éli ngomong ka Hana, ”Sing gede hate atuh, mugia paneda Nyai diijabah ku Allah Israil.” Naon hasilna? Hana ”tuluy kaluar, seug barang dahar. Hatena geus janglar”. (1 Sam. 1:17, 18) Doa ngabantu Hana ngarasa tengtrem. w20.02 21 ¶4-5
Rebo, 2 Juni
Kecapna sing merenah, kalimatna sing ngeunah, sing matak mikat, tapi sing bisa mere jawaban anu layak ka nu nyual.—Kol. 4:6.
Moal lila deui, Yéhuwa bakal ngamusnakeun dunya ieu. Nu disalametkeun téh ngan jalma nu ”boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng”. (Ras. 13:48, NW) Jadi wajar lamun urang hayang kulawarga urang gé ngawula Yéhuwa. Bapa urang nu nyaahan, Yéhuwa, hoyong ”manusa teh tarobat kabeh tina dosana, . . . henteu hoyong aya jelema anu cilaka saurang-urang acan”. (2 Pet. 3:9) Urang kudu inget aya cara nu bener jeung aya cara nu salah pikeun nepikeun warta kasalametan. Bisa jadi, urang bijaksana waktu méré kasaksian ka jalma nu can dikenal, tapi ari ngomong ka kulawarga mah sok blak-blakan. Waktu inget deui cara urang mimiti méré kasaksian ka kulawarga, bisa jadi urang kaduhung, kuduna mah maké cara nu leuwih bijaksana. Alusna mah urang inget naséhat Rasul Paulus dina ayat poé ieu waktu ngobrol jeung kulawarga. Lamun henteu, lainna kataji kana bebeneran, maranéhna ngadon ngajauhan urang. w19.08 14-15 ¶3-5
Kemis, 3 Juni
Kristus . . . maparin tuladan anu ku urang kudu dipiconto.—1 Pet. 2:21.
Kumaha parasaan Sadérék basa diajar bebeneran ngeunaan Putra-Na? Yésus téh pribadi kadua nu pangpentingna di jagat raya. Anjeunna réla ngorbankeun hirupna pikeun nebus urang. Lamun urang ngabuktikeun yén urang boga iman kana tebusan, dosa-dosa urang bakal dihampura. Urang gé bisa nyobat jeung Allah sarta hirup langgeng. (Yoh. 3:16) Yésus téh Imam Agung urang. Anjeunna hayang ngabantu urang narima mangpaat tebusan sarta nyobat jeung Allah. (Ibr. 4:15; 7:24, 25) Sabagé Raja Karajaan Allah, anjeunna digunakeun ku Yéhuwa pikeun nyucikeun nami-Na, nyingkirkeun kajahatan, jeung mawa berkah nu langgeng di Pirdaus engké. (Mat. 6:9, 10; Wahyu 11:15) Yésus ogé tuladan keur urang. Urang bisa nyonto anjeunna nu geus ngabaktikeun hirupna pikeun ngalakukeun kahoyong Allah. (Yoh. 4:34) Lamun percaya kana pangajaran Alkitab ngeunaan Yésus, Sadérék bakal mikanyaah Putra Allah ieu. Ku kituna, Sadérék bakal hayang ngalakukeun kahoyong Allah saperti Yésus. w20.03 10 ¶12-13
Jumaah, 4 Juni
Kudu neneda saban waktu.—1 Tes. 5:17.
Dina poé panungtunganana di bumi, Yésus sering ngadoa. Waktu netepkeun acara Pangéling-ngéling, anjeunna ngucapkeun doa sukur pikeun roti jeung anggur. (1 Kor. 11:23-25) Saacan ninggalkeun tempat ngarayakeun Paska, anjeunna ngadoa bareng jeung murid-muridna. (Yoh. 17:1-26) Basa anjeunna jeung murid-muridna nepi di Gétsemané peuting éta, anjeunna ogé mangkali-kali ngadoa. (Mat. 26:36-39, 42, 44) Malahan, kekecapan Yésus nu panungtungan saacan maot téh mangrupa doa. (Luk. 23:46) Yésus ngadoa ka Yéhuwa ngeunaan sagala kajadian dina poé panungtunganana. Salah sahiji alesan Yésus bisa tetep tabah nyanghareupan kasusah téh lantaran anjeunna sering ngadoa ka Bapana. Ari para rasul kalah ka saré lainna tetep waspada jeung ngadoa. Jadi pas aya tangtangan, maranéhna kaleungitan kawani. (Mat. 26:40, 41, 43, 45, 56) Waktu nyanghareupan kasusah, urang bisa tetep satia lamun nuturkeun conto Yésus jeung terus ngadoa. w19.04 9 ¶4-5
Saptu, 5 Juni
Kami teh PANGERAN, sarta Kami tara robah.—Mal. 3:6.
Yéhuwa ijid kana spiritisme. Yéhuwa nyarios ka bangsa Israil, ”Ulah ngaduruk anak dijieun kurban dina altar. Ulah aya bangsa maraneh anu metangan atawa nujum, ngajampe, atawa neangan tanda-tanda galagat, atawa ngumaha ka arwah jelema anu geus paraeh. PANGERAN Allah maraneh mikaijid ka jelema anu kalakuanana sarupa kitu.” (Pam. 18:10-12) Urang Kristen mémang teu wajib ngajalankeun Hukum nu dibikeun ka bangsa Israil, tapi urang nyaho yén parasaan Yéhuwa kana spiritisme teu barobah. Yéhuwa mépélingan urang supaya ngajauhan spiritisme lantaran apal Sétan ngagunakeun ieu pikeun ngaruksak pikiran urang. Sétan ngagunakeun spiritisme pikeun nyebarkeun kabohongan, kaasup kabohongan yén nu maot masih hirup kénéh di alam séjén. (Pan. 9:5) Spiritisme ogé digunakeun pikeun nyingsieunan jalma-jalma jeung ngajauhkeun maranéhna ti Yéhuwa. Sétan hayang nu ngalampahkeun spiritisme percaya ka roh-roh jahat ti batan ka Yéhuwa. w19.04 21 ¶5-6
Minggu, 6 Juni
Ari aranjeun jahat mah puguh bae jadi sieun.—Rum 13:4.
Ngalécéhkeun budak téh dosa nu parah pisan. Jalma nu ngalécéhkeun budak bener-bener nganyenyeri jeung ngaruksak budak. Manéhna ogé ngahianatan kapercayaan budak sarta nyababkeun budak teu ngarasa aman deui. Budak kudu dilindungan tina kajahatan siga kitu sarta nu geus jadi korban kudu dililipur jeung dibantu. (1 Tes. 5:14) Lamun aya jalma di sidang nu ngalakukeun pelécéhan budak, manéhna ngaruksak réputasi sidang. (Mat. 5:16; 1 Pet. 2:12) Jalma-jalma nu teu tobat tina kajahatanana sarta nu ngaruksak réputasi sidang moal diantep tetep aya di sidang. Lamun aya jalma di sidang nu ngalanggar hukum, saperti ngalakukeun pelécéhan budak, manéhna dosa ka pamaréntah. (Bandingkeun Rasul 25:8.) Para kokolot teu boga wewenang pikeun ngahukum jalma-jalma nu ngalanggar hukum pamaréntah. Tapi, maranéhna ogé moal ngalindungan jalma nu salah tina hukuman pamaréntah. w19.05 9 ¶4-7
Senén, 7 Juni
Anu ku dunya disebut pinter [”hikmat dunya”, ”NW”] teh di payuneun Allah mah bodo.”—1 Kor. 3:19.
Urang sanggup nyanghareupan rupa-rupa tangtangan lantaran dipasihan pituduh ku Yéhuwa. (Yes. 30:20, 21) Dina Firman-Na, aya sagala hal nu dibutuhkeun sangkan urang ”lengkep sampurna kanyahona kana sagala rupa lampah nu hade”. (2 Tim. 3:17) Lamun hirup urang luyu jeung pangajaran Alkitab, urang bakal leuwih bijaksana ti batan jalma-jalma anu ngagulkeun ”hikmat dunya”. (Jab. 119:97-100) Hanjakalna, jalma-jalma kataji ku hikmat dunya lantaran bisa muaskeun kahayang nu mentingkeun diri. Ku kituna, urang hésé nampik cara pikir jeung lalampahan ti jalma-jalma di dunya ieu. Ku sabab éta, Alkitab ngélingan, ”Sing ati-ati, ulah kapikat ku palsapah-palsapah manusa anu taya mangpa’atna tur matak nyasabkeun, anu asalna tina papahaman manusa.” (Kol. 2:8) Saperti nu geus dinubuatkeun ku Alkitab, jalma-jalma dina ahir jaman ”leuwih resep senang-senang”. (2 Tim. 3:4) Sumebarna panyakit nu népa liwat hubungan séks, misalna AIDS, ngan salah sahiji bukti yén hikmat dunya téh hal nu bodo.—2 Pet. 2:19. w19.05 21 ¶1-2; 22 ¶4-5
Salasa, 8 Juni
Tagen ngayonan tipu daya Iblis.—Epe. 6:11.
Sétan nipu bangsa Israil sangkan percaya yén maranéhna kudu nuturkeun kabiasaan jalma-jalma nu nyembah brahala lamun hayang makmur. Maranéhna percaya kudu ngalakukeun sababaraha ritual sangkan déwa-déwa nurunkeun cihujan. Urang Israil nu teu boga iman ka Yéhuwa percaya yén ieu hiji-hijina cara pikeun ngeureunkeun halodo panjang. Jadi, maranéhna ulubiung dina ritual pikeun nyembah Déwa Baal. Sétan ogé ngagoda ku lampah cabul. Bangsa-bangsa kapir nyembah déwa-déwana ku ritual-ritual nu rucah. Di kuil-kuil ibadahna aya para palacur boh awéwé boh lalaki. Homoséksualitas jeung lampah cabul séjénna teu ngan saukur diantep tapi ogé dianggap wajar! (Pam. 23:17, 18; 1 Rja. 14:24) Bangsa kapir percaya yén ritual siga kitu bisa ngajurung déwa-déwa pikeun méré panén nu alus. Loba urang Israil kapincut ku ritual nu cabul éta jeung kapikat pikeun nyembah déwa-déwa. w19.06 2 ¶3; 4 ¶7-8
Rebo, 9 Juni
Allah teh lain anu sok jalir. Mantenna moal lali ka anu geus dipigawe ku aranjeun.—Ibr. 6:10.
Rébuan anggota Bétel jeung palayan sapinuh waktu séjénna meunang tugas nu anyar. Sadérék-sadérék nu satia ieu ngarasa beurat waktu kudu ninggalkeun tugas nu dipikaresep ku maranéhna. Lamun Sadérék téh salah sahijina, kumaha Sadérék bisa nyanghareupan parobahan ieu? Sing tetep raket ka Yéhuwa ku cara maca jeung ngalenyepan Alkitab unggal poé. Salian ti éta, Sadérék kudu getol ngawawar di sidang nu anyar. Yéhuwa moal mopohokeun saha waé nu terus satia ngawula Mantenna, sanajan teu kawas baheula. Tetep hirup saderhana. Ulah nepi ka kagiatan rohani Sadérék ”kaelehkeun” ku kahariwangan hirup. (Mat. 13:22) Ulah daék didesek pikeun néangan leuwih loba duit ku dunya ieu atawa ku babaturan jeung baraya nu niatna mah alus. (1 Yoh. 2:15-17) Sing percaya ka Yéhuwa nu jangji bakal nyumponan kabutuhan rohani, émosi, jeung matéri urang dina waktuna.—Ibr. 4:16; 13:5, 6. w19.08 20 ¶4; 21 ¶7-8
Kemis, 10 Juni
Pasrahkeun kasusah maneh ka Allah, Mantenna tangtu ngaraksa.—Jab. 55:23.
Naha Sadérék keur nyanghareupan kaayaan nu nyusahkeun haté? Urang kalilipur lantaran nyaho Yéhuwa paham kana parasaan Élias! Urang jadi yakin Mantenna ogé paham kana kasusah haté urang. Mantenna apal naon nu bisa jeung teu bisa dilakukeun ku urang, jeung apal pipikiran sarta parasaan urang. (Jab. 103:14; 139:3, 4) Lamun urang ngandel ka Yéhuwa, urang bakal dibantu dina nyanghareupan masalah nu nyababkeun urang susah haté. Waktu keur susah haté, urang bisa boga pikiran nu goréng jeung ngarasa leutik haté. Lamun kitu, inget yén Yéhuwa bakal ngabantu urang sangkan teu strés deui. Kumaha carana? Yéhuwa ngondang urang nyaritakeun kahariwangan urang. Waktu urang ngadoa nyuhunkeun pitulung, Mantenna bakal ngajawab. (Jab. 5:4; 1 Pet. 5:7) Jadi, sing sering ngadoa ka Yéhuwa pikeun nyaritakeun masalah urang. Mantenna moal nyarios langsung ka urang saperti ka Élias, tapi bakal ngajawab liwat Firman-Na, Alkitab, jeung organisasi-Na. Kisah-kisah dina Alkitab ogé bisa ngalilipur jeung méré harepan ka urang. Salian ti éta, dulur saiman bisa ngagedékeun haté urang.—Rum 15:4; Ibr. 10:24, 25. w19.06 16 ¶7-8
Jumaah, 11 Juni
Maraneh . . . bakal dipikageuleuh ku unggal jelema dumeh anut ka Kami.— Mat. 24:9.
Waktu dikaniaya, pek ngadoa ka Yéhuwa, ”ucutkeun eusi hate” jeung caritakeun kabéh nu nyababkeun Sadérék sieun atawa salempang. (Tangis 2:19) Beuki sering Sadérék ngadoa siga kieu, Sadérék bakal ngarasa beuki raket ka Yéhuwa. (Rum 8:38, 39) Sing percaya yén berkah-berkah ti Karajaan Allah bakal ngawujud. (Bil. 23:19) Lamun Sadérék teu yakin kana jangji-jangji Allah, Sétan jeung baladna bakal gampang nyingsieunan Sadérék. (Sil. 24:10; Ibr. 2:15) Dina palajaran pribadi, pék risét ngeunaan jangji-jangji Allah dina Karajaana-Na jeung alesan Sadérék bisa yakin éta kabéh bakal ngawujud. Naon hasilna? Perhatikeun tuladan ti Stanley Jones, nu dipanjara salila tujuh taun ku lantaran imanna. Ku naon manéhna bisa tetep satia? Ceuk manéhna, ”Iman abdi kuat lantaran Karajaan Allah téh jelas keur abdi. Abdi teu pernah cangcaya saeutik-eutik acan. Jadi, abdi bisa tetep pengkuh.” Lamun Sadérék boga iman nu kuat kana jangji-jangji Allah, Sadérék moal eureun ngawula ka Mantenna.—Sil. 3:25, 26. w19.07 2 ¶1; 3 ¶6-7
Saptu, 12 Juni
Lamun datang ka hiji kota atawa desa, teangan nu daekeun dianjrekan, seug nganjrek di dinya nepi ka waktuna indit deui.—Mat. 10:11.
Ku naon tugas ieu téh penting pisan? Lantaran ngan murid Kristus nu bisa jadi sobat Allah. Salian ti éta, saha waé nu nuturkeun Kristus kahirupanana bakal leuwih hadé jeung dina mangsa kahareup boga harepan hirup abadi. (Yoh. 14:6; 17:3) Yésus mémang geus mercayakeun tugas penting ieu ka urang, tapi urang teu ngalaksanakeunana sorangan. Rasul Paulus nulis ngeunaan dirina jeung sababaraha sobatna, ”Urang téh batur gawé Allah.” (1 Kor. 3:9, NW) Ieu téh hak istiméwa ti Yéhuwa jeung Kristus keur manusa nu teu sampurna! Salian ti éta, ngajadikeun murid téh matak bungah. Hal mimiti nu bisa dilakukeun nyaéta ’neangan’ jalma nu daék diajar ngeunaan Yéhuwa. Urang bener-bener Saksi Yéhuwa lamun méré kasaksian ka kabéh jalma. Urang gé bener-bener Kristen lamun taat kana paréntah Kristus pikeun ngawawar. w19.07 15 ¶3-5
Minggu, 13 Juni
Sarua jeung boga duit, matak aman pipikiran. Komo deui untungna lamun boga kanyaho kana hikmah, matak salamet hirup.—Pan. 7:12.
Loba jalma mimitina kataji kana prinsip-prinsip alus nu aya dina Alkitab. Di New York, saurang sadérék istri nu ngadatangan jalma-jalma nu maké basa Mandarin nyarita, ”Abdi merhatikeun jeung ngadéngékeun manéhna. Lamun abdi apal manéhna anyaran datang ka Amerika, abdi sok nanya, ’Kumaha, betah teu di dieu? Geus boga pagawéan can? Di dieu jalma-jalmana balageur teu?’ ” Sakapeung, éta bisa muka jalan pikeun ngabahas pangajaran Alkitab. Lamun cocog, sadérék éta sok ngomong, ”Kumaha sih carana akur jeung batur? Kumaha lamun abdi nunjukkeun hiji papatah tina Kitab Suci? Disebutkeun, ’Awal pasendatan, ibarat mimiti bocorna hiji bendungan. Memeh bedah kudu geuwat diomean.’ Ceuk Tétéh, naséhat ieu bisa ngabantu urang akur jeung batur teu?” (Sil. 17:14) Obrolan siga kitu bisa ngabantu urang nangtukeun saha nu bisa didatangan deui. w19.07 23 ¶13
Senén, 14 Juni
Coba mun sorangan mah ana labuh teh cilaka temen, da euweuh anu pinulunganeun.—Pan. 4:10.
Sadérék-sadérék nu meunang tugas anyar hayang urang ngarti ka maranéhna, lainna hayang dipikarunya. Meureun maranéhna keur ripuh ngurus masalah kaséhatan dirina atawa kulawargana. Atawa, maranéhna keur sedih lantaran ditinggal maot ku nu dipikanyaah. Sanajan teu kaciri, bisa jadi maranéhna gé sedih lantaran sono ka kulawarga rohani di tempat tugasna nu baheula. Butuh waktu sangkan bisa tenang deui tina parasaan nu campur aduk éta. Ku cara maturan dines jeung méré tuladan, urang bisa ngabantu maranéhna ngabiasakeun diri. Sadérék istri nu mangtaun-taun ngawula di nagri séjén nyarita, ”Baheula mah, unggal poé abdi mandu loba palajaran Alkitab. Ayeuna mah, ngan saukur rék mukakeun ayat jeung némbongkeun vidéo dina dines gé mani hésé. Tapi, abdi sering diajak ku sadérék-sadérék di sidang pikeun ngadatangan deui atawa mandu palajaran Alkitab. Abdi jadi boga pandangan nu positif. Abdi diajar carana méré kasaksian di daérah nu anyar ieu. Abdi jadi sumanget deui.” w19.08 22 ¶10; 24 ¶13-14
Salasa, 15 Juni
Nyi Eodia jeung Nyi Sintika, bapa meredih, sing alakur dina sakapercayaan ka Gusti, sing silih pidulur.—Pil. 4:2.
Siga Éodia jeung Sintika, bisa jadi urang ngarasa hésé mikanyaah dulur saiman lantaran urang osok mikirkeun kasalahan maranéhna. Unggal poé, urang kabéh nyieun salah. Lamun kasalahan maranéhna terus dipikiran ku urang, kanyaah urang bakal laas. Misalna, lamun aya dulur saiman nu poho bebersih Balé Karajaan, bisa jadi urang jéngkél. Terus, lamun urang mikirkeun kasalahanana nu séjén, urang bakal beuki jéngkél jeung teu nyaah deui ka manéhna. Naha Sadérék pernah ngarasa kitu? Pék lenyepan: Yéhuwa ningali boh kasalahan urang boh kasalahan dulur saiman urang. Sanajan kitu, Mantenna tetep nyaah ka urang jeung ka maranéhna. Éta sababna urang kudu nyonto kanyaah Yéhuwa jeung tetep boga pandangan nu positif ka dulur saiman. Lamun urang satékah polah mikanyaah maranéhna, urang bakal beuki raket jeung maranéhna.—Pil. 2:1, 2. w19.08 9-10 ¶7-8
Rebo, 16 Juni
Yéhuwa . . . merhatikeun jalma nu rendah haté. —Jab. 138:6, ”NW”.
Yéhuwa nyaah ka jalma-jalma nu rendah haté. Ngan maranéhna nu bisa nyobat jeung Yéhuwa sarta dipikanyaah ku Mantenna. Sabalikna, ”jalma nu sombong mah dijauhan ku Mantenna”. Urang kabéh hayang nyenangkeun Yéhuwa jeung dipikanyaah ku Mantenna, jadi alus lamun urang diajar carana mekarkeun karendahan haté. Jalma nu rendah haté teu ngarasa diri leuwih penting ti batur jeung henteu sombong. Alkitab nunjukkeun yén jalma nu rendah haté paham yén Yéhuwa jauh leuwih unggul ti batan manéhna. Manéhna ogé paham yén batur leuwih unggul dina sababaraha hal. (Pil. 2:3, 4) Aya jalma-jalma nu kacirina rendah haté. Maranéhna bisa jadi cicingeun. Atawa, maranéhna hormat jeung sopan ka batur lantaran kabudayaan jeung cara maranéhna digedékeun. Tapi bisa jadi, maranéhna sabenerna kacida sombongna. Lila-lila sipat nu sabenerna bakal kanyahoan.—Luk. 6:45. w19.09 2 ¶1, 3-4
Kemis, 17 Juni
Anjeunna bakal ngabales jalma-jalma nu teu kenal ka Allah jeung nu teu taat kana warta hadé ngeunaan Yésus Gusti urang.—2 Tes. 1:8, ”NW”.
”Warta hadé ngeunaan Yésus Gusti urang” téh kaasup bebeneran nu diajarkeun ku Yésus. Urang taat kana warta hadé éta lamun ngalarapkeunana dina kahirupan. Urang gé taat lamun ngutamakeun kapentingan Karajaan, hirup sajalan jeung papakon Allah nu bener, sarta nguarkeun Karajaan Allah. (Mat. 6:33; 24:14) Salian ti éta, urang gé bakal ngadukung dulur-dulur Kristus nu diistrénan dina ngajalankeun tugasna nu penting. (Mat. 25:31-40) Sakeudeung deui maranéhna bakal bisa ngabales kahadéan nu ditémbongkeun ku ’domba-domba lian’. (Yoh. 10:16) Kumaha carana? Saméméh perang Armagédon dimimitian, kabéh anggota 144.000 geus aya di sawarga jadi mahluk roh nu moal bakal maot. Maranéhna bakal jadi bagian ti pasukan sawarga nu bakal ngamusnakeun Gog jeung nyalametkeun ’jelema nu kacida lobana’, nyaéta umat Yéhuwa. (Wahyu 2:26, 27; 7:9, 10) Jelema nu kacida lobana ieu bungah pisan bisa ngadukung hamba Yéhuwa nu diistrénan salila maranéhna masih kénéh aya di bumi! w19.09 12-13 ¶16-18
Jumaah, 18 Juni
Supaya batin maraneh manggih katengtreman.—Mat. 11:29, ”SF”.
Ku naon ngajalankeun pagawéan ti Yésus téh matak reureuh atawa seger? Lantaran urang boga pangawas nu panghadéna. Yéhuwa, Pangawas urang nu Maha Agung, lain pribadi nu tara nganuhunkeun atawa kejem. Mantenna ngahargaan naon nu dilakukeun ku urang. (Ibr. 6:10) Mantenna masihan kakuatan supaya urang bisa ngajalankeun tanggung jawab urang. (2 Kor. 4:7; Gal. 6:5) Yésus Raja urang gé méré tuladan. (Yoh. 13:15) Sarta, para kokolot nu ngurus urang bakal satékah polah nyonto Yésus, ”Pangangon Agung”. (Ibr. 13:20; 1 Pet. 5:2) Maranéhna sabisa-bisa nguatkeun urang, bageur, sarta wani waktu ngabingbing jeung ngalindungan urang. Urang ogé boga babaturan nu panghadéna. Batur mah teu boga sobat nu dipikanyaah jeung pagawéan nu nyugemakeun kawas urang. Pék pikirkeun: Urang boga kahormatan pikeun digawé bareng jeung jalma-jalma nu boga prinsip moral nu luhur, tapi teu ngarasa pangbenerna. Maranéhna nganggap batur leuwih luhur. Urang teu ngan saukur dianggap batur gawé tapi ogé sobat. Saking nyaahna, maranéhna réla maot demi urang! w19.09 20 ¶1; 23 ¶12-14
Saptu, 19 Juni
Aranjeun mah moal kabongohan ku eta Poe kawas kabongohan ku bangsat, da lain aya di nu poek.—1 Tes. 5:4.
Waktu méré naséhat, Rasul Paulus nyebutkeun ngeunaan ”Poe sumpingna Gusti.” (1 Tes. 5:1-6) Éta ngamaksudkeun hiji waktu nu dimimitian ku serangan ka ”Babul Raya”, kumpulan agama palsu sadunya, sarta dipungkas ku Armagédon. (Wahyu 16:14, 16; 17:5) Paulus ogé méré nyaho naon nu kudu dilakukeun sangkan siap nyanghareupan ”Poe sumpingna Gusti”. Urang ”ulah kaheesan kawas nu sejen”. Urang ”kudu tetep eling”, kudu tetep nétral, jeung ati-ati ulah kabawakeun ku masalah pulitik dunya ieu. Lamun pipilueun, urang ”kaasup ka dunya” ieu. (Yoh. 15:19) Urang nyaho yén Karajaan Allah hiji-hijina harepan pikeun katengtreman dunya. Urang gé hayang ngajarkeun nubuat Alkitab ngeunaan kaayaan dunya ieu ka batur. Waktu mangsa cilaka dimimitian, jalma-jalma geus teu bisa mihak ka Yéhuwa. Éta sababna tugas pangwawaran urang téh penting pisan! w19.10 8 ¶3; 9 ¶5-6
Minggu, 20 Juni
Sakur anu ku Kami geus diandikakeun ka maneh tina hal urang Israil, urang Yuda jeung bangsa-bangsa, tuliskeun.—Yer. 36:2.
Sanggeus gulunganana réngsé ditulis, Yérmia mercayakeun ka Baruk tugas pikeun nepikeun pesen dina gulungan éta. (Yer. 36:5, 6) Baruk wani ngajalankeun tugas nu bahaya ieu. Manéhna indit ka deukeut lawang bait tuluy macakeun eusi gulungan ka jalma-jalma. Yérmia tangtu reueus ka sobatna ieu. (Yer. 36:8-10) Para pajabat Yuda apaleun naon nu dilakukeun ku Baruk, jadi maranéhna nitah Baruk maca éta gulungan di hareupeun maranéhna. (Yer. 36:14, 15) Para pajabat mutuskeun pikeun ngalaporkeun pesen Yérmia ka Raja Yoyakim. Raja Yoyakim kacida ambekna waktu ngadéngé kekecapan nu ditulis Yérmia. Éta gulungan diduruk, tuluy manéhna maréntahkeun sangkan Yérmia jeung Baruk ditéwak. Sanajan kitu, Yérmia nyokot gulungan séjén, dibikeun ka Baruk, tuluy ngadiktékeun deui warta ti Yéhuwa. Baruk ”nuliskeun sagala rupa anu ku [Yérmia] diucapkeun. Eusina sarua jeung nu ti heula”.—Yer. 36:26-28, 32. w19.11 3-4 ¶4-6
Senén, 21 Juni
Allah . . . barangdamel di aranjeun, supaya aranjeun daraek jeung saranggup ngalakonan tujuan pangersa-Na.—Pil. 2:13.
Yéhuwa bisa jadi naon waé nu dibutuhkeun pikeun ngalaksanakeun tujuana-Na. Misalna, Yéhuwa bisa jadi Guru, Panglipur, jeung Pawarta Injil. Ieu téh ngan sababaraha conto, sabenerna aya loba kénéh nu bisa dilakukeun ku Mantenna. (Yes. 48:17; 2 Kor. 7:6; Gal. 3:8) Sanajan kitu, Mantenna sering ngagunakeun manusa pikeun ngalaksanakeun tujuana-Na. (Mat. 24:14; 28:19, 20; 2 Kor. 1:3, 4) Yéhuwa gé bisa masihan hikmat jeung kakuatan ka urang pikeun jadi naon waé nu dibutuhkeun sangkan kahoyong-Na laksana. Éta kabéh luyu jeung harti nami Yéhuwa sakumaha nu dijelaskeun ku sababaraha ahli. Urang kabéh hayang digunakeun ku Yéhuwa, tapi aya nu teu yakin manéhna digunakeun ku Mantenna. Ku naon? Manéhna teu bisa ningkatkeun palayanan lantaran umur, kaayaan, jeung kasanggupanana. Tapi, nu séjénna ngarasa naon nu dilakukeunana téh geus cukup, jadi teu kudu ngalakukeun leuwih deui. w19.10 20 ¶1-2
Salasa, 22 Juni
Beuki kana duit teh sumberna sagala kajahatan.—1 Tim. 6:10.
Cinta kana harta banda bisa ngalemahkeun iman jeung sumanget urang dina ngawula Yéhuwa. Rasul Paulus nyebutkeun, ”Prajurit anu hayang nyenangkeun hate kapalana, ngajalankeun tugasna teh moal bari nguruskeun sual-sual anu henteu patali jeung tugasna [”urusan bisnis”, NW].” (2 Tim. 2:4) Prajurit Rum teu meunang boga pagawéan séjén. Siga prajurit nu siap perang, urang embung disimpangkeun tina tujuan utama urang, nyaéta nyenangkeun Yéhuwa jeung Yésus Kristus, para Komandan urang. Urang nganggap hal éta leuwih penting ti batan sagala hal nu ditawarkeun ku dunya Sétan. Ku kituna, urang hayang ngagunakeun waktu jeung tanaga pikeun ngawula Yéhuwa. Salian ti éta, urang gé hayang terus ngajaga taméng iman jeung sakabéh pakarang perang rohani urang tetep alus. Urang kudu terus waspada! Naon sababna? Rasul Paulus mépélingan yén ”ngarah kabeungharan” téh ngalantarankeun ”pecat iman”.—1 Tim. 6:9, 10. w19.11 17-18 ¶12, 14-15
Rebo, 23 Juni
Kacilakaan ujug-ujug datang narajang ka maranehna!—1 Tes. 5:3.
Bakal aya pangumuman ’kaayaan tenang jeung aman’ saacan ”Poe sumpingna Gusti”. (1 Tes. 5:1-6) Dina 1 Tesalonika 5:2, ”Poe sumpingna Gusti” téh ngamaksudkeun ”mangsa cilaka”. (Mat. 24:21) Ti mana urang apal yén mangsa cilaka rék dimimitian? Naon tandana? Alkitab nyebutkeun bakal aya pangumuman nu teu biasa. Éta téh pangumuman ngeunaan ’kaayaan tenang jeung aman’ saperti nu geus dinubuatkeun. Urang teu nyaho pastina. Naha para pamingpin agama gé bakal pipilueun? Bisa jadi. Nu pasti mah ieu téh kabohongan ti roh-roh jahat. Kabohongan ieu bahaya pisan lantaran jalma-jalma jadi ngarasa aman, padahal maranéhna téréh ngalaman kasangsaraan nu pangparah-parahna. ”Kacilakaan ujug-ujug datang narajang ka maranehna! Datangna bakal ngadadak kawas kusialna kanyeri awewe nu rek ngajuru.” Kumaha jeung hamba Yéhuwa nu satia? Maranéhna bisa jadi reuwas lantaran ”Poe sumpingna Gusti” geus datang, tapi maranéhna geus siap. w19.09 9 ¶7-8
Kemis, 24 Juni
Sagala perkara di dunya aya waktuna . . . Aya waktuna papanggihan, aya waktuna kauculan.—Pan. 3:1, 6.
Waktu nyieun putusan, sing rinci. Lamun boga tujuan anu rinci, Sadérék bakal leuwih gampang ngahontalna. Misalna, Sadérék hayang maca Alkitab unggal poé. Tapi lamun Sadérék teu boga jadwal nu pasti, éta moal bisa laksana. Atawa para kokolot di hiji sidang bisa jadi hayang leuwih sering nganjangan dulur saimanna, tapi sanggeus sababaraha waktu, éta tacan laksana. Sangkan bisa laksana, alus lamun para kokolot ngalenyepan pananya ieu: ”Naha abdi mikirkeun saha waé nu bisa dianjangan? Naha abdi geus nangtukeun iraha rék nganjangan maranéhna?” Sing asup akal. Urang teu boga waktu, sumber daya, atawa tanaga pikeun ngalakukeun kabéh kahayang urang. Jadi, urang kudu asup akal. Lamun perlu, putusan nu teu sanggup dijalankeun kudu dirobah. w19.11 29 ¶11-12
Jumaah, 25 Juni
Eta teh jalma-jalma anu tas dikaniaya kacida hebatna. Ayeuna geus saralamet. Jubahna geus barodas beresih sabab geus diseuseuh ku getih itu Anak Domba.—Wahyu 7:14.
Kahirupan di bumi pirdaus digambarkeun dina Yesaya 65:21-23. Di ditu, urang moal ngajejentul waé. Tapi, Alkitab ngajelaskeun yén umat Allah engké bakal boga pagawéan nu nyugemakeun. Dina ahir sarébu taun, urang yakin yén ”mahluk teh baris dibebaskeun tina genggeman kabinasaan sarta ginanjar kamerdikaan kamulyaanana putra-putra Allah”. (Rum 8:21, SF) Yéhuwa ngatur sangkan bangsa Israil saimbang ngeunaan digawé jeung istirahat. Mantenna gé bakal ngalampahkeun nu sarua dina Pamaréntahan Sarébu Taun Kristus. Tangtu engké bakal aya waktu keur kagiatan rohani. Kiwari, ibadah ka Allah téh penting keur kabagjaan urang, kitu ogé engké di dunya anyar. Jelas, kabéh manusa nu satia bakal ngarasa suka bungah salila Pamaréntahan Sarébu Taun Kristus lantaran boga pagawéan nu nyugemakeun jeung bisa ibadah ka Allah. w19.12 13 ¶15, 17-18
Saptu, 26 Juni
Sakur anu diwurukkeun . . . ulah dipopohokeun. Ajarkeun ka anak.—Pam. 6:6, 7.
Dina ayat ieu, kecap Ibrani nu ditarjamahkeun jadi ’ngajarkeun’ hartina ”ngajar mangkali-kali”. Sangkan bisa kitu, kolot kudu rutin nyadiakeun waktu keur budakna. Kolot bisa waé jéngkél lantaran kudu ngabéjaan budakna mangkali-kali. Tapi, kolot bisa nganggap ieu téh kasempetan pikeun ngajar budakna paham kana Firman Allah jeung ngalarapkeunana. Jadi, Sadérék kudu ngarti ka budak. Jabur 127 ngabandingkeun budak jeung jamparing atawa panah. (Jab. 127:4) Panah dijieun tina bahan nu béda-béda, ukuranana gé béda-béda. Kitu ogé, moal aya dua budak nu percis sarua. Jadi, kolot kudu nyaho cara ngajar unggal budakna. Hiji pasangan ti Israel nu geus suksés ngagedékeun dua budakna pikeun ngawula Yéhuwa, méré nyaho carana, ”Abdi jeung batur hirup ngajar budak hiji éwang.” Tangtu unggal kapala kulawarga bisa mutuskeun naha budakna perlu jeung bisa diajar kawas kitu. w19.12 26-27 ¶18-20
Minggu, 27 Juni
Jieun kahadean ka batur, sakumaha maraneh oge hayang meunang kahadean ti batur.—Mat. 7:12.
Waktu urang keur kasusahan, urang ngahargaan pisan lamun aya nu méré bantuan langsung ka urang! Ryan, nu bapana maot lantaran kacilakaan, nyarita, ”Loba urusan sapopoé téh asa hésé digawékeunana ari keur sedih mah. Tapi, abdi jadi tenang lamun aya nu méré bantuan sanajan leutik.” Sing inget, kahadéan Sadérék, sanajan leutik, bisa bener-bener nguatkeun batur. Markus téh urang Kristen nu sibuk. Sanajan kitu, Markus nyadiakeun waktu pikeun nguatkeun Rasul Paulus, jeung Paulus teu asa-asa ménta bantuan Markus. Angela, nu salah sahiji anggota kulawargana maot lantaran dipaéhan ku batur, ngahargaan pisan jalma nu ngalilipur manéhna. Ceuk manéhna, ”Sobat nu hayang nulungan pasti gampang dideukeutan jeung teu asa-asa méré bantuan.” Pikirkeun hal ieu, ’Naha batur apal abdi téh jalma nu réla méré bantuan langsung pikeun ngalilipur dulur saiman?’ w20.01 12 ¶14-16
Senén, 28 Juni
Anu dahar roti ti Gusti jeung nginum anggur ti Gusti ku cara anu teu pantes, eta jelema teh dosa.—1 Kor. 11:27.
Kumaha jalma nu diistrénan bisa dahar roti jeung nginum anggur ”ku cara anu teu pantes” dina Pangéling-ngéling? Maranéhna bisa kitu lamun dahar jeung nginum lambang-lambang, tapi hirupna teu luyu jeung papakon Yéhuwa nu bener. (Ibr. 6:4-6; 10:26-29) Jalma nu diistrénan nyaho maranéhna kudu tetep satia lamun hayang meunangkeun ”ganjaran, nya eta hirup di sawarga, luyu jeung maksad panyaur Allah anu ditepikeun ku Kristus Yesus”. (Pil. 3:13-16) Roh suci Yéhuwa ngabantu hamba-hamba Allah jadi rendah haté lainna sombong. (Epe. 4:1-3; Kol. 3:10, 12) Jadi, jalma nu diistrénan teu ngarasa leuwih punjul ti batur. Maranéhna nyaho Yéhuwa teu masihan roh suci leuwih loba ka maranéhna ti batan ka hamba Allah séjénna. Maranéhna teu ngarasa pamahaman Alkitabna leuwih jero ti batan nu séjén. Maranéhna gé moal ngajurung jalma séjén pikeun dahar roti jeung nginum anggur pédah mikir jalma éta geus diistrénan. Sabalikna, maranéhna mah rendah haté jeung paham ngan Yéhuwa nu milih jalma-jalma ka sawarga. w20.01 27-28 ¶4-5
Salasa, 29 Juni
Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui.—Yak. 4:8.
Yéhuwa hoyong urang ngaraket sarta sering komunikasi jeung Mantenna. Mantenna ngajurung urang ”rajin neneda”, Mantenna gé bakal terus siap ngadangukeun doa urang. (Rum 12:12) Mantenna moal sibuk teuing atawa bosen ngadangukeun urang. Sabalikna, urang ngadangukeun Mantenna ku cara maca Firman-Na, Alkitab, sarta publikasi nu ngabantu urang paham kana Alkitab. Urang gé ngadangukeun Mantenna ku cara bener-bener merhatikeun acara pasamoan. Urang bisa tetep raket jeung Yéhuwa lamun rutin komunikasi jeung Mantenna. Yéhuwa hoyong urang ngabudalkeun eusi haté urang dina doa. (Jab. 62:9) Pék pikirkeun pananya ieu: ’Naha eusi doa abdi ngan siga kartu ucapan nu dicitak, atawa sapinuh haté siga surat nu ditulis ku sorangan?’ Tangtu, Sadérék nyaah pisan ka Yéhuwa sarta hayang sosobatan Sadérék jeung Mantenna tetep kuat. Supaya bisa kitu, Sadérék kudu rutin komunikasi jeung Mantenna. Caritakeun sagala parasaan Sadérék. Ungkabkeun kabungah jeung kasedih Sadérék. Tong asa-asa ménta tulung ka Mantenna. w20.02 9 ¶4-5
Rebo, 30 Juni
Jadi lir pangangon anu kudu ngangon domba-domba Allah, ngasuh jamaah anu dipercayakeun ka aranjeun.—1 Pet. 5:2.
Yéhuwa mercayakeun tanggung jawab penting ka kokolot pikeun ngurus umat-Na. Kokolot bisa loba diajar tina sikep Néhémia ka umat Yéhuwa. Sabagé gupernur Yuda, manéhna boga wewenang nu gedé. (Neh. 1:11; 2:7, 8; 5:14) Bayangkeun sababaraha tangtangan nu disanghareupan ku Néhémia. Manéhna ningali jalma-jalma nganajisan bait jeung teu méré sumbangan keur urang Léwi sakumaha nu geus ditulis dina Hukum. Urang Yahudi ngalanggar hukum Sabat, sarta sababaraha lalakina kawin jeung awéwé ti bangsa séjén. Gupernur Néhémia kudu nyieun tindakan pikeun ngaréngsékeun masalah ieu. (Neh. 13:4-30) Néhémia teu nyalahgunakeun wewenangna pikeun maksa batur nuturkeun pandangan manéhna. Tapi, manéhna bener-bener ngadoa ka Yéhuwa nyuhunkeun pituduh-Na, tuluy manéhna ngajarkeun Hukum Yéhuwa ka jalma-jalma. (Neh. 1:4-10; 13:1-3) Néhémia ogé rendah haté, manéhna daék gawé bareng jeung jalma-jalma, malahan ngabantu maranéhna ngawangun deui témbok Yérusalém.—Neh. 4:15, NW. w19.09 15-16 ¶9-10