Juli
Kemis, 1 Juli
Naon bae pangabutuh, unjukkeun ka Allah saban neneda.—Pil. 4:6.
Lamun omongan atawa sikep batur goréng ka urang, urang bisa strés. Komo lamun nu nganyenyeri téh sobat atawa dulur urang sorangan. Lamun keur strés, pék diajar tina kisah Hana nu dipapanas waé ku pamajikan ngora salakina. (1 Sam. 1:12) Siga Hana, urang gé bisa lila ngadoa ka Yéhuwa pikeun ngungkabkeun kahariwangan jeung kasieun urang. Doa urang teu kudu dialus-alus atawa kalimahna dihadé-hadé. Malah, bisa jadi urang sok ngungkabkeun kakeuheul urang bari ceurik. Sanajan kitu, Yéhuwa moal pernah bosen ngadangukeun urang. Salian ti ngadoakeun masalah urang, urang gé kudu inget naséhat nu dicatet dina Pilipi 4:6, 7. Rasul Paulus nyebutkeun, urang kudu nganuhunkeun atawa ngucap sukur ka Yéhuwa waktu ngadoa. Loba pisan alesan pikeun ngahaturkeun nuhun ka Yéhuwa kaasup kurnia kahirupan, ciciptaana-Na, asih satia-Na, jeung harepan éndah nu dipasihkeun ka urang. w20.02 20 ¶3; 21 ¶6
Jumaah, 2 Juli
Aya waktuna nyarita.—Pan. 3:7.
Kasanggupan ngomong téh kurnia ti Yéhuwa. (Bud. 4:10, 11; Wahyu 4:11) Firman-Na méré nyaho cara nu hadé pikeun ngagunakeun kurnia éta. Iraha waé urang kudu siap nyarita ngeunaan Yéhuwa jeung Karajaana-Na. (Mat. 24:14; Rum 10:14) Ku kituna, urang nyonto Yésus. Salah sahiji alesan utama Yésus datang ka bumi téh nyaéta pikeun nyaritakeun bebeneran ngeunaan Bapana. (Yoh. 18:37) Tapi urang kudu inget, cara urang ngomong gé penting. Jadi, waktu nyarita ka batur ngeunaan Yéhuwa, ”sing hade basana, sing hade tatana”. Pikirkeun ogé parasaan jeung kapercayaan batur. (1 Pet. 3:15, 16) Ku kituna urang teu ngan saukur ngomong, tapi ogé ngajar jeung bisa ngageuing haté batur. Kokolot ulah asa-asa ngomong lamun aya dulur saiman nu kudu dibéré naséhat. Tangtu manéhna kudu milih waktu nu cocog sangkan batur teu éra. w20.03 18-19 ¶2-4
Saptu, 3 Juli
Kudu neneda.—Mat. 26:41.
Naon nu bisa didoakeun ku urang? Urang bisa ngadoa sangkan Yéhuwa nguatkeun iman urang. (Luk. 17:5; Yoh. 14:1) Urang butuh iman lantaran Sétan bakal nguji kabéh murid Yésus. (Luk. 22:31) Ku naon iman bisa ngabantu urang? Lamun geus sabisa-bisa ngaréngsékeun masalahna, urang bakal masrahkeun masalahna ka Yéhuwa. Éta lantaran urang boga iman yén Mantenna bisa ngaréngsékeun masalahna leuwih hadé ti batan urang. Jadi, pikiran jeung haté urang bakal tengtrem. (1 Pet. 5:6, 7) Doa ngabantu urang tengtrem haté teu sual naon masalah nu keur disanghareupan. Perhatikeun conto Robert, kokolot nu satia nu umurna 80-an. Ceuk manéhna, ”Naséhat di Pilipi 4:6, 7 ngabantu abdi nyanghareupan loba masalah. Abdi pernah boga masalah ékonomi. Abdi gé pernah eureun jadi kokolot.” Kumaha Robert bisa tetep tengtrem? Manéhna ngomong, ”Unggal ngarasa hariwang, abdi gancang ngadoa. Abdi yakin lamun sering ngadoa jeung ngadoana sapinuh haté, abdi jadi leuwih tengtrem.” w19.04 9-10 ¶5-7
Minggu, 4 Juli
Abdi rumaos, dosa teh estu ka Gusti, ka Gusti pisan.—Jab. 51:6.
Ngalécéhkeun budak téh dosa ka Allah. Waktu saurang jalma nyieun dosa ka jalma séjén, éta téh dosa ka Yéhuwa. Perhatikeun conto tina Hukum nu dibikeun ku Allah ka bangsa Israil. Hukum éta nyebutkeun yén jalma nu ngarampas atawa nipu sasamana dianggap ”boga dosa ka PANGERAN”. (Ima. 6:2-5) Tangtu, lamun aya jalma di sidang ngalécéhkeun budak, atawa ngarampas rasa aman budak éta, manéhna téh ngalampahkeun dosa ka Allah. Manéhna ngagogoréng nami Yéhuwa. Ku kituna, pelécéhan téh dosa nu gedé pisan ka Allah jeung kudu dipikaijid ku urang. Artikel dina Warta Hadé jeung Éling! pernah ngabahas yén korban pelécéhan séksual téh bisa strés mangtaun-taun, tuluy ngabahas cara batur bisa nulungan jeung nguatkeun maranéhna, sarta ngabahas carana indung bapa ngalindungan budakna. Para kokolot geus narima pituduh nu rinci nu dumasar kana Alkitab pikeun ngurus kasus pelécéhan budak. Organisasi ogé terus mariksa deui cara sidang ngurus kasus siga kieu. w19.05 9 ¶8-9
Senén, 5 Juli
Pikeun kapentingan anu harirup na enya kudu menta pituduh ka arwah-arwah, kudu menta pituduh ka nu geus paraeh?—Yes. 8:19, ”NW”.
Firman Allah téh siga pedang nu seukeut nu bisa ngabolékérkeun kabohongan Sétan. (Epe. 6:17) Misalna, Firman Allah ngabolékérkeun kabohongan yén nu maot bisa ngomong jeung nu hirup. (Jab. 146:4) Éta ogé ngingetkeun urang yén ngan Yéhuwa nu bisa ngaramalkeun mangsa kahareup. (Yes. 45:21; 46:10) Lamun rutin maca jeung ngalenyepan Firman Allah, urang jadi boga tékad pikeun ijid jeung nampik kana kabohongan roh-roh jahat. Jadi, singkahan sagala hal nu aya patalina jeung spiritisme. Sabagé urang Kristen sajati, urang moal ngalampahkeun sagala bentuk spiritisme. Misalna, urang moal datang ka dukun atawa nyoba-nyoba ngomong jeung nu maot. Urang moal miluan kabiasaan pamakaman nu dumasar kana kapercayaan yén nu maot téh masih hirup kénéh. Urang ogé moal ngagunakeun ramalan béntang atawa élmu nujum pikeun nyaho mangsa kahareup. Urang apal sakabéh kabiasaan ieu téh bahaya pisan lantaran urang jadi komunikasi langsung jeung Sétan ogé roh-roh jahat. w19.04 21-22 ¶8-9
Salasa, 6 Juli
Maranehanana ku Allah diantep nurutkeun hawa napsuna.—Rum 1:24.
Jalma-jalma nu nuturkeun hikmat dunya ngaléléwé papakon moral Alkitab. Maranéhna nganggap éta teu asup akal jeung mikir, ’Jang naon Allah nyiptakeun urang boga kahayang séksual mun teu meunang dicumponan?’ Maranéhna nanya kitu lantaran boga pandangan nu salah yén manusa kudu nuturkeun sagala kahayangna. Tapi pangajaran Alkitab mah béda, urang teu kudu ngagugu sagala kahayang urang. Urang boga kasanggupan pikeun ngalawan kahayang nu salah. (Kol. 3:5) Yéhuwa gé nyadiakeun perkawinan sangkan urang bisa muaskeun kahayang séksual urang nu wajar. (1 Kor. 7:8, 9) Béda ti hikmat dunya ieu, Alkitab ngajarkeun pandangan nu bener ngeunaan séks. Alkitab nyebutkeun yén séks bisa jadi sumber kasukaan. (Sil. 5:18, 19) Tapi, Alkitab ogé nyebutkeun, ”Aranjeun kudu nyaho carana ngadalikeun awak masing-masing demi kasucian jeung kahormatan. Ulah sarakah jeung ngumbar napsu séksual cara bangsa-bangsa nu teu wanoh ka Allah.”—1 Tes. 4:4, 5, NW. w19.05 22-23 ¶7-9
Rebo, 7 Juli
Manehna jeung baladna dibarengan ku bangsa-bangsa kacida lobana, bakal datang lir angin ribut.—Yeh. 38:9.
Allah moal ngantep bangsa-bangsa ngabinasakeun umat-Na. Umat-Na reueus nyandang nami-Na jeung taat kana paréntah-Na pikeun kaluar ti Babul Raya. (Ras. 15:16, 17; Wahyu 18:4) Maranéhna ogé sakuat tanaga nulungan batur kaluar ti dinya. Jadi, hamba Yéhuwa moal ”kabawa ku hukumanana” Babul Raya. Tapi, iman maranéhna bakal diuji. (Yeh. 38:2, 8) Sanggeus kabéh organisasi agama palsu dibinasakeun, umat Yéhuwa bakal jadi hiji-hijina agama di dunya kawas hiji tangkal nu tetep ngadeg sanggeus aya angin ribut. Sétan tangtu ngamuk. Manéhna bakal ngabudalkeun amarahna ku cara ngagunakeun ”tilu roh najis”, nyaéta kabohongan ti roh-roh jahat, pikeun ngajurung gabungan bangsa-bangsa nyerang umat Yéhuwa. (Wahyu 16:13, 14) Gabungan bangsa-bangsa ieu disebut ’Gog di tanah Magog’. Waktu bangsa-bangsa nyerang umat Yéhuwa, perang Armagédon bakal dimimitian.—Wahyu 16:16. w19.09 11 ¶12-13
Kemis, 8 Juli
Pipikiran jelema anu bijaksana teh gaplah.—1 Kor. 3:20.
Dina jaman Israil kuno, Sétan ngagunakeun agama palsu pikeun ngadukung lampah cabul. Kiwari gé sarua, agama palsu ngantep lampah cabul, malahan nganggap éta téh hal nu wajar. Balukarna, loba jalma ngakuna nyembah ka Allah tapi teu nuturkeun papakon moral nu jelas ti Allah. Dina suratna ka urang Rum, Rasul Paulus ngajéntrékeun naon waé nu dilakukeun ku jalma-jalma nu siga kitu. (Rum 1:28-31) ”Kalakuan anu kuduna dicegah” téh misalna sagala rupa lampah cabul, kaasup homoséksualitas. (Rum 1:24-27, 32; Wahyu 2:20) Penting pisan sangkan urang taat kana pangajaran Alkitab nu jelas! Palsapah manusa ngabaékeun atawa papalingpang jeung papakon Yéhuwa nu bener. Ieu teu ngajurung urang pikeun ngamekarkeun buah padamelan roh Allah, tapi ngamekarkeun ”buah-buahna pangajak napsu”. (Gal. 5:19-23, SF) Éta ngalantarankeun jalma jadi sombong tur adigung, balukarna jalma-jalma ”ngan inget ka diri sorangan bae”. (2 Tim. 3:2-4) Sipat-sipat ieu patukang tonggong jeung sipat lemah lembut sarta rendah haté nu sakuduna dipiboga ku hamba Allah.—2 Sam. 22:28. w19.06 5-6 ¶12-14
Jumaah, 9 Juli
Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna. Ari dulur pikeun naon mun lain keur silih tulungan dina kasusah?—Sil. 17:17.
Élias nyanghareupan loba masalah lantaran ngawula Yéhuwa dina mangsa nu susah. Yéhuwa nitah Élias pikeun nyerahkeun sababaraha tanggung jawabna ka Élisa. Ku cara kitu, Yéhuwa masihan naon nu dibutuhkeun pisan ku Élias, nyaéta sobat nu bisa ngagedékeun haténa. Sarupa kitu, lamun urang nyaritakeun kasusah ka sobat nu bisa dipercaya, manéhna bisa ngagedékeun haté urang. (2 Rja. 2:2) Lamun Sadérék ngarasa teu boga sasaha keur diajak ngobrol, pék ngadoa ka Yéhuwa sangkan aya dulur saiman nu asak rohani nu bisa ngagedékeun haté. Yéhuwa ngabantu Élias sangkan teu strés deui jeung bisa satia ngawula mangtaun-taun sanggeusna. Pangalaman Élias ngagedékeun haté urang. Urang bisa waé ngalaman strés beurat nu nyababkeun urang capé fisik jeung émosi. Tapi lamun urang ngandelkeun Yéhuwa, Mantenna bakal masihan kakuatan sangkan urang bisa tetep ngawula Mantenna.—Yes. 40:28, 29. w19.06 15 ¶4; 16 ¶9-10
Saptu, 10 Juli
Rempan ku pakarepan batur teh bahaya. Utamana mah kudu pasrah ka PANGERAN, tangtu salamet.—Sil. 29:25.
Urang bisa leuwih wani ti ayeuna ku cara ngawawarkeun warta hadé Karajaan Allah. Kumaha bisa kitu? Lantaran ngawawar téh ngalatih urang pikeun percaya ka Yéhuwa jeung teu sieun ka manusa. Siga otot nu beuki kuat lamun dilatih, kawani urang gé beuki kuat waktu urang ngawawar ti imah ka imah, di tempat umum, di daérah bisnis, jeung ngawawar sacara teu resmi. Lamun urang wani ngawawar ti ayeuna, urang bakal leuwih siap ngawawar sanajan kagiatan urang dilarang. (1 Tes. 2:1, 2) Urang bisa diajar tina pangalaman saurang sadérék istri nu satia jeung wanian. Nancy Yuen jangkungna teu leuwih ti 1,5 méter, tapi manéhna teu gampang disingsieunan. Waktu dititah eureun ngawawar, manéhna teu daék. Balukarna, manéhna dipanjara kira-kira 20 taun di Cina. Para patugas nu ngainterogasi nyebut manéhna ”jalma nu paling heuras beuheung” di nagarana! w19.07 5-6 ¶13-14
Minggu, 11 Juli
Ku sabab eta datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid.—Mat. 28:19.
Aya nu sumanget diajar bebeneran, tapi kalolobaanana mah awalna teu minat. Urang kudu ngageuing minat maranéhna. Ku kituna, urang kudu nyieun persiapan nu alus. Pilih topik-topik nu bisa ngageuing minat. Tuluy, pikirkeun kumaha carana nepikeun topik éta. Misalna, Sadérék bisa nanya ka nu boga imah, ”Abdi hoyong terang pandangan Bapa. Ayeuna pan loba pisan masalah di sakuliah dunya. Saur Bapa, naha aya pamaréntahan nu bisa ngaréngsékeun masalah-masalah éta?” Tuluy bahas Daniel 2:44. Sadérék gé bisa nanya, ”Kumaha sih carana ngadidik budak supaya jadi jalma bageur?” Tuluy, bahas Pamindo 6:6, 7. Urang bener-bener bungah waktu ngabantu batur jadi murid Kristus. w19.07 15 ¶4, 6-7
Senén, 12 Juli
Naha tiasa manusa nyieun allah-allah keur sembaheunana sorangan? Sanes ge Allah upami tiasa dijieun mah.—Yer. 16:20.
Saurang sadérék nu geus lila ngawawar ka jalma-jalma di Timur Jauh nu teu paduli kana agama nyarita, ”Biasana, lamun di dieu aya nu ngomong, ’Abdi teu percaya ka Allah,’ maksudna téh manéhna teu percaya ka déwa-déwi nu disembah ku kalolobaan jalma. Jadi, abdi satuju mun déwa-déwi téh dijieun ku manusa. Abdi sok macakeun Yermia 16:20, tuluy abdi nanya, ’Kumaha urang bisa ngabédakeun mana allah nu sajati jeung nu dijieun ku manusa?’ Abdi ngadéngékeun bener-bener jawabanana tuluy macakeun Yesaya 41:23, ’Terangkeun naon anu bakal kajadian! Tangtu engke kanyahoan, maraneh teh Allah atawa ngan aallahan!’ Tuluy abdi nunjukkeun hiji conto nubuat ti Yéhuwa.” Ceuk sadérék nu séjénna, ”Abdi némbongkeun prinsip-prinsip Alkitab, nubuat nu geus laksana, jeung hukum-hukum alam. Geus kitu, abdi némbongkeun yén éta kabéh nunjukkeun ayana hiji Pribadi nu bijaksana nu nyiptakeun sagalana. Lamun saurang jalma mulai mikir Allah téh aya, kakara abdi nunjukkeun naon nu dijelaskeun ku Alkitab ngeunaan Yéhuwa.” w19.07 23-24 ¶14-15
Salasa, 13 Juli
Mastikeun hal-hal nu leuwih penting.—Pil. 1:10, ”NW”.
Hal-hal penting ieu kaasup disucikeunana nami Yéhuwa, laksanana kahoyong Mantenna, sarta karukunan jeung kasatunggalan sidang. (Mat. 6:9, 10; Yoh. 13:35) Urang kabukti nyaah ka Yéhuwa lamun ngutamakeun hal-hal ieu dina kahirupan. Ceuk Rasul Paulus, urang gé kudu ”taya cawadeunana”. Ieu lain hartina urang kudu sampurna. Lamun urang sabisa-bisa nguatkeun kanyaah jeung mastikeun hal-hal nu leuwih penting, urang bakal dianggap taya cawadeunana ku Yéhuwa. Salah sahiji cara nguatkeun kanyaah urang téh nyaéta sabisa-bisa henteu jadi hahalang nu matak batur titajong. Pituduh sangkan ”henteu jadi hahalang nu matak batur titajong” téh teu bisa dianggap énténg. Kumaha urang bisa ngalantarankeun batur titajong? Tina pilihan hiburan, pakéan, malahan pagawéan urang. Bisa jadi naon nu dilakukeun ku urang téh teu salah. Tapi mun éta ngaganggu haté sanubari batur jeung ngalantarankeun manéhna titajong, éta jadi masalah.—Mat. 18:6. w19.08 10 ¶9-11
Rebo, 14 Juli
Eta teh jalma-jalma anu tas dikaniaya kacida hebatna. Ayeuna geus saralamet. Jubahna geus barodas beresih sabab geus diseuseuh ku getih itu Anak Domba.—Wahyu 7:14.
Ti taun 1935, Saksi-Saksi Yéhuwa geus paham yén jelema nu kacida lobana dina téténjoan Yohanes téh sakelompok urang Kristen nu satia nu boga harepan hirup langgeng di bumi. (Wahyu 7:9, 10) Supaya bisa salamet tina mangsa cilaka, maranéhna kudu diajar ngeunaan Yéhuwa jeung ngawula Mantenna saacan Pamaréntahan Sarébu Taun. Ku kituna, maranéhna bisa boga iman nu gedé supaya ’kuat nandangan kajadian-kajadian’ saacan Pamaréntahan Sarébu Taun Kristus. (Luk. 21:34-36) Maranéhna bungah narima harepan éta. Maranéhna paham yén Yéhuwa anu mutuskeun naha hamba-Na nu satia bakal ngawula di sawarga atawa di bumi. Dua kelompok ieu paham yén maranéhna bisa narima ganjaran éta téh ngan ku lantaran rahmat Yéhuwa liwat korban tebusan Yésus Kristus.—Rum 3:24. w19.09 28 ¶10; 29 ¶12-13
Kemis, 15 Juli
Sing suka bungah ku karana PANGERAN sangkan kuat.—Neh. 8:10.
Naha Sadérék dibéré tugas nu anyar? Sing suksés ngajalankeunana. Ulah nganggap parobahan ieu sabagé kagagalan atawa ngarasa Sadérék geus teu dibutuhkeun. Inget-inget deui kumaha Yéhuwa sering ngabantu Sadérék. Ulah eureun ngawawar. Pék conto urang Kristen nu satia dina abad kahiji. Maranéhna téh ”di mana-mana nguarkeun Injil Kasalametan”. (Ras. 8:1, 4) Lamun terus ngawawar, Sadérék tangtu meunang hasil alus. Contona, sababaraha panaratas nu diusir ti hiji nagri pindah ka nagri tatangga. Di ditu, aya jalma-jalma nu perlu diwawaran. Maranéhna ngagunakeun basa nu dipikaharti ku para panaratas éta. Dina sababaraha bulan, kelompok-kelompok anyar dibentuk jeung terus mekar. Suka bungah urang téh sakuduna ku karana Yéhuwa. Jadi, urang kudu tetep raket ka Yéhuwa jeung ngandelkeun hikmat, bingbingan, sarta dukungana-Na. Inget, Sadérék bisa cinta kana tugas nu baheula lantaran enya-enya ngabantu jalma-jalma di dinya. Lamun ayeuna Sadérék enya-enya dina tugas nu anyar, Yéhuwa bisa ngabantu Sadérék cinta kana tugas ieu.—Pan. 7:10. w19.08 24-25 ¶15-16
Jumaah, 16 Juli
Ka Rama rohani, urang kudu leuwih ajrih.—Ibr. 12:9.
Urang kudu tunduk ka Yéhuwa lantaran Mantenna Nu Nyiptakeun urang. Éta sababna, Mantenna boga hak pikeun netepkeun naon nu kudu dilampahkeun ku ciptaana-Na. (Wahyu 4:11) Tapi, aya deui alesan penting ku naon urang kudu taat ka Mantenna: cara Mantenna maréntah téh nu panghadéna. Di sapanjang sajarah, aya loba jalma nu boga kawasa jeung wewenang. Tapi lamun dibandingkeun jeung maranéhna mah, Yéhuwa téh Pangawasa nu paling bijaksana, nyaahan, welas asih, jeung karunyaan. (Bud. 34:6; Rum 16:27; 1 Yoh. 4:8) Urang tunduk ka Yéhuwa ku cara satékah polah taat ka Mantenna dina sagala hal sarta teu ngandelkeun kanyaho sorangan. (Sil. 3:5) Urang leuwih gampang tunduk ka Yéhuwa lamun diajar leuwih loba ngeunaan sagala nu dilampahkeun ku Mantenna. Ku naon? Lantaran sipat-sipat-Na nu luar biasa katémbong dina sagala lalampahan Mantenna. (Jab. 145:9) Leuwih loba diajar ngeunaan Yéhuwa, urang bakal leuwih nyaah ka Mantenna. Lamun nyaah ka Yéhuwa, urang teu perlu daptar aturan ngeunaan naon nu kudu jeung ulah dilakukeun. w19.09 14 ¶1, 3
Saptu, 17 Juli
Pasangan ti Kami mah, genah jeung momotanana ge hampang.—Mat. 11:30, ”SF”.
Sétan ngabeungbeurat jalma-jalma ku kabohongan nepi ka maranéhna pegat harepan. Misalna, urang dibohongan yén urang teu layak dipikanyaah jeung dosa-dosa urang moal dihampura ku Yéhuwa. Ieu kabohongan nu jahat pisan! (Yoh. 8:44) Jalma-jalma jadi leutik haté. Sabenerna, waktu urang datang ka Kristus, dosa urang dihampura. (Mat. 11:28, SF) Yéhuwa ogé kacida nyaahna ka urang. (Rum 8:32, 38, 39) Tanggung jawab ti Yésus nu kudu dipanggul ku urang téh béda jeung tanggung jawab séjénna. Misalna, sanggeus sapoéan néangan napkah, loba nu ngarasa lalungsé jeung teu bagja. Sabalikna, sanggeus ngagunakeun waktu pikeun ngawula Yéhuwa jeung Kristus, urang ngarasa sugema. Bisa jadi urang lalungsé jeung kudu maksakeun datang ka pasamoan peutingna. Tapi, seringna mah, pas balik masamoan urang ngarasa seger jeung dikuatkeun. Kitu ogé, lamun urang nyieun upaya pikeun ngawawar jeung diajar Alkitab pribadi, berkah nu ditarima jauh leuwih gedé ti batan tanaga nu dikaluarkeun! w19.09 20 ¶1; 23-24 ¶15-16
Minggu, 18 Juli
Poe sumpingna Gusti teh taya nu nyaho, cara paling ti peuting.—1 Tes. 5:2.
”Poé” Yéhuwa téréh datang, sésa waktuna ngan saeutik deui. Jadi, Yéhuwa hoyong urang tetep sibuk ngawawar. Urang ”kudu garetol, rajin ngalakonan kawajiban pikeun Gusti”. (1 Kor. 15:58) Waktu Yésus nyebutkeun tanda-tanda nu jelas salila ahir jaman, anjeunna nambahkeun, ”Wawaran amanat Allah teh kudu disiarkeun heula ka sagala bangsa.” (Mar. 13:4, 8, 10; Mat. 24:14) Pék pikirkeun: Unggal Sadérék dines, Sadérék keur milu ngalaksanakeun nubuat Alkitab éta! Kagiatan pangwawaran Karajaan téh beuki maju. Misalna, pikirkeun ningkatna jumlah pawarta di sakuliah dunya salila ahir jaman. Dina taun 1914, aya 5.155 pawarta di 43 nagri. Ayeuna aya kira-kira 8,5 juta pawarta di 240 nagri! Sanajan kitu, pagawéan urang can anggeus. Urang kudu terus ngawartakeun yén Karajaan Allah téh hiji-hijina jalan kaluar pikeun masalah umat manusa.—Jab. 145:11-13. w19.10 8 ¶3; 9-10 ¶7-8
Senén, 19 Juli
Salawasna Mantenna bakal nyukupan ka aranjeun, supaya aranjeun saban waktu bisa mere maweh. Pamere aranjeun anu bakal ditepikeun ku sim kuring bakal ngalantarankeun jelema-jelema maruji sukur ka Allah.—2 Kor. 9:11.
Yéhuwa ngagunakeun Barsilai pikeun ngabantu Raja Daud. Waktu kabur ti Absalom, putrana, ’Daud sabaladna lapar jeung aus’. Bareng jeung babaturanana, Barsilai, nu geus kolot, narohkeun nyawa pikeun ngabantu Daud jeung baladna. Sanajan kolot, Barsilai teu ngarasa geus teu kapaké deui ku Yéhuwa. Tapi, manéhna daék méré pangabogana pikeun ngabantu hamba Yéhuwa nu ngabutuhkeun. (2 Sam. 17:27-29) Naon palajaranana keur urang? Teu sual sabaraha umur urang, Yéhuwa bisa ngagunakeun urang pikeun nulungan dulur saiman nu kakurangan, boh di daérah sorangan boh di nagri séjén. (Sil. 3:27, 28; 19:17) Sanajan teu bisa méré langsung, urang bisa méré sumbangan pikeun kagiatan di sakuliah dunya. Sumbangan éta bisa dipaké keur ngabantu dulur saiman nu ngabutuhkeun, iraha jeung di mana waé.—2 Kor. 8:13-15. w19.10 21 ¶6
Salasa, 20 Juli
Aya sobat nu sok nyilakakeun, aya oge nu satia leuwih ti dulur sorangan.—Sil. 18:24, ”NW”.
Bisa jadi urang hésé ngungkabkeun parasaan urang ka batur lantaran pernah aya nu nganyenyeri haté urang. (Sil. 18:19, NW) Atawa, bisa jadi urang teu boga loba waktu jeung tanaga pikeun ngajalin sosobatan. Tapi, ulah nyerah. Lamun urang hayang didukung ku dulur saiman waktu aya kasusah, urang kudu diajar percaya ka maranéhna ku cara ngungkabkeun pikiran jeung parasaan urang. Éta penting supaya urang bisa jadi sobat sajati. (1 Pet. 1:22) Yésus percaya ka sobat-sobatna. Anjeunna daék nyarita, euweuh nu disumput-sumputkeun. (Yoh. 15:15) Urang bisa nyonto anjeunna ku cara nyarita ka sobat waktu keur bungah, hariwang, atawa kuciwa. Tuluy lamun batur keur nyarita, regepkeun caritana. Bisa jadi, pikiran, parasaan, jeung cita-citana aya saruana jeung Sadérék.—Sil. 27:9. w19.11 4 ¶8-9
Rebo, 21 Juli
Timbalan . . . Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.—Yeh. 2:4.
Salila mangsa cilaka, warta nu diuarkeun ku urang bisa jadi béda. Ayeuna, urang ngawawarkeun warta hadé Karajaan jeung sabisa-bisa ngajadikeun murid. Tapi katingalina, engké urang bakal nepikeun warta nu keras kawas hujan és batu. (Wahyu 16:21, NW) Bisa jadi urang nguarkeun kabinasaan dunya Sétan nu geus téréh. Dina waktuna, urang bakal nyaho naon wartana jeung kumaha cara nepikeunana. Naha cara dines urang bakal sarua atawa bakal béda? Urang tingali engké. Rék kumaha ogé carana, katingalina urang boga hak istiméwa pikeun nguarkeun warta hukuman ti Yéhuwa kalawan wani! (Yeh. 2:3-5) Sigana mah, warta urang bisa nyababkeun bangsa-bangsa hayang ngeureunkeun pangwawaran urang salilana. Ayeuna urang ngandelkeun dukungan Yéhuwa dina dines, engké gé urang bakal butuh dukungan Mantenna. Urang yakin Allah bakal masihan kakuatan ka urang pikeun ngalaksanakeun kahoyong-Na.—Mika 3:8. w19.10 16 ¶8-9
Kemis, 22 Juli
Aya anu . . . nepi ka pecat iman.—1 Tim. 6:10.
Saurang jalma bisa nepi ka ”pecat iman” téh teu ujug-ujug, manéhna lalaunan nyimpang lantaran hayang ngumpulkeun harta banda nu teu perlu. Urang jadi boga ”rupa-rupa kahayang anu teu munasabah nu ngabahlakeun”. (1 Tim. 6:9) Urang kudu inget kahayang-kahayang éta bisa dijadikeun senjata ku Sétan pikeun ngalemahkeun iman urang. Meureun urang boga duit keur meuli loba barang. Naha salah lamun urang meuli barang nu sabenerna teu pati dibutuhkeun? Can tangtu. Tapi pikirkeun pananya-pananya ieu: Sanajan urang bisa meuli barang éta, naha urang boga waktu jeung tanaga pikeun maké jeung ngarawatna? Atawa, naha haté urang jadi kacangreud kana barang éta? Lantaran haté urang geus kacangreud, naha urang bisa siga lalaki ngora nu nolak ondangan Yésus pikeun ningkatkeun palayanan? (Mar. 10:17-22) Leuwih hadé lamun urang hirup saderhana sarta ngagunakeun waktu jeung tanaga nu aya pikeun ngalampahkeun kahoyong Allah! w19.11 18 ¶15-16
Jumaah, 23 Juli
Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil.—Sil. 21:5.
Allah bisa ngabantu Sadérék ”saranggup ngalakonan” hiji putusan. (Pil. 2:13) Pék ngadoa ménta kakuatan pikeun ngalampahkeunana. Sadérék bisa ménta roh suci ka Yéhuwa pikeun masihan kakuatan nu dibutuhkeun. Ulah eureun ngadoa sanajan katingalina doa Sadérék acan dijawab. Ceuk Yésus ogé, ”Pék terus ménta, tangtu bakal dibéré [roh suci].” (Luk. 11:9, 13, NW) Pék jieun rencana. Pikeun nganggeuskeun hiji proyék, Sadérék kudu boga rencana. Tuluy, Sadérék kudu ngajalankeun éta rencana. Kitu ogé, sanggeus nyieun putusan, Sadérék kudu nyieun daptar naon waé nu kudu dilakukeun pikeun ngajalankeun éta putusan. Tugas nu gedé jeung hésé bisa dibagi jadi sababaraha tugas nu leutik. Ku kituna, Sadérék bisa leuwih gampang ningali kamajuanana. Rasul Paulus ngajurung jamaah di Korinta pikeun nyéngcéléngan ”unggal minggu, dina poe nu kahiji” ti batan ngumpulkeun sumbanganana sakaligus waktu Paulus datang. (1 Kor. 16:2, SF) Lamun tugas nu gedé dibagi jadi sababaraha tugas nu leutik, Sadérék moal ngarasa kawalahan. w19.11 29 ¶13-14
Saptu, 24 Juli
Anu tarerang ka Gusti, nun PANGERAN, bakal ngaharep ka Gusti, sugri anu marek ku Gusti tara ditolak.—Jab. 9:11.
Urang bisa jadi nyangka, jalma nu wanoh ka Yéhuwa téh nu apal nami-Na jeung nyaho naon nu dilampahkeun jeung dicarioskeun ku Mantenna. Tapi, sabenerna leuwih ti éta. Urang kudu nyadiakeun waktu pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa jeung sipat-sipat-Na nu luar biasa. Ngan ku cara kitu urang bakal ngarti ku naon Yéhuwa nyarios atawa ngalampahkeun hiji hal. Urang gé jadi nyaho naha Mantenna resep kana pandangan, putusan, jeung laku lampah urang. Sanggeus nyaho naon kahoyong Yéhuwa, urang kudu ngalampahkeunana. Meureun aya nu ngaléléwé lantaran urang hayang ngawula Yéhuwa, malahan nentang waktu urang rék ngagabung jeung umat Allah. Tapi lamun urang percaya ka Yéhuwa, urang moal ditinggalkeun. Ku kituna, urang mulai nyobat jeung Allah, sarta sosobatan éta bakal langgeng. Naha urang bisa kawas kitu? Tangtu! w19.12 16-17 ¶3-4
Minggu, 25 Juli
Anak teh kurnia ti PANGERAN.—Jab. 127:3.
Kolot bisa jadi kawalahan ku tangtanganana, tapi budak téh kurnia ti Yéhuwa. Mantenna siap ngabantu iraha waé. Mantenna kersa ngadangukeun doa ti para kolot. Jeung Mantenna bakal ngajawab doa maranéhna liwat Alkitab, publikasi, sarta tuladan jeung saran ti kolot séjén nu geus boga pangalaman di sidang. Aya nu nyebutkeun ngagedékeun budak téh proyék 20 taun, tapi urang mah moal bener-bener eureun jadi kolot. Hal nu panghadéna nu bisa dibikeun ku kolot ka budak téh nyaéta kanyaah, waktu, jeung didikan tina Alkitab. Tanggapan unggal budak kana didikan téh béda-béda. Tapi, loba budak nu digedékeun ku kolot nu mikanyaah Yéhuwa ngarasa saperti Joanna Mae, sadérék istri ti Asia. Ceuk manéhna, ”Abdi nganuhunkeun pisan lantaran geus dididik jeung diajar mikanyaah Yéhuwa ku indung bapa. Abdi teu ngan saukur dibéré kahirupan, tapi ogé dibéré kahirupan nu aya tujuanana.” (Sil. 23:24, 25) Jutaan sadérék urang gé ngarasa siga kitu. w19.12 27 ¶21-22
Senén, 26 Juli
Ku sabab ditegerkeun ku Mantenna, sim kuring oge bisa negerkeun ka batur anu eukeur nandang kasusah.—2 Kor. 1:4.
Teu kudu jauh-jauh, di sakurilingeun urang gé aya dulur-dulur saiman nu butuh dililipur. Urang kudu néangan cara pikeun nulungan batur sanajan aya rasa sieun. Misalna, urang sieun salah ngomong atawa salah nyieun tindakan ka batur nu keur kasusahan. Urang bisa bener-bener ngalilipur batur lamun urang perhatian ka maranéhna. Beuki deukeut kana ahir dunya ieu, kaayaan dunya beuki parah jeung kahirupan beuki susah. (2 Tim. 3:13) Salian ti éta, urang gé ngawaris dosa jeung kateusampurnaan, jadi urang butuh terus dililipur. Rasul Paulus bisa tabah nepi ka panungtungan hirupna lantaran dililipur ku dulur-dulur saimanna. Ku cara nyonto tuladan maranéhna, urang ogé bisa ngabantu dulur-dulur saiman sangkan tetep pengkuh iman.—1 Tes. 3:2, 3. w20.01 12-13 ¶17-19
Salasa, 27 Juli
Anu ngaku-ngaku rasul ku maneh didoja.—Wahyu 2:2.
Jalma nu diistrénan embung diistiméwakeun ku batur. (Pil. 2:2, 3) Maranéhna gé nyaho Mantenna teu ngabéjaan nu séjén waktu ngistrénan maranéhna. Jadi, jalma nu diistrénan moal héran lamun aya nu teu langsung percaya yén maranéhna geus diistrénan. Maranéhna nyaho Alkitab nyebutkeun urang ulah asal percaya lamun aya nu ngaku dibéré tanggung jawab husus ku Allah. Nu diistrénan teu hayang batur méré perhatian husus ka maranéhna jeung moal méré nyaho jalma nu mimiti dipanggihan yén dirina diistrénan. Maranéhna gé tangtu moal ngagul-ngagulkeun hal ieu ka batur. (1 Kor. 4:7, 8) Urang Kristen nu diistrénan moal ngahaja néangan batur nu diistrénan séjénna pikeun ngabahas pangistrénan atawa nyieun kelompok palajaran Alkitab. (Gal. 1:15-17) Mun kitu sidang moal bisa ngahiji. Maranéhna kalah ka ngalawan roh suci nu sabenerna ngabantu jalma-jalma jadi rukun jeung ngahiji.—Rum 16:17, 18. w20.01 28 ¶6-7
Rebo, 28 Juli
Lamun hal-hal eta geus mimiti kajadian, ajegkeun awak, tanggahkeun sirah, sabab maraneh geus tereh disalametkeun.—Luk. 21:28.
Ahirna, jalma-jalma nu agamana dimusnakeun jadi ambek sabab agama Saksi-Saksi Yéhuwa masih kénéh aya. Kabayang, jalma-jalma bakal géhgér, kaasup dina média sosial. Bangsa-bangsa jeung pangawasana, nyaéta Sétan, bakal ijid ka urang lantaran urang hiji-hijina agama nu salamet. Tujuan maranéhna pikeun ngamusnakeun kabéh agama di dunya ieu katingalina bakal gagal. Ku kituna, maranéhna bakal ngincer urang. Maranéhna bakal ngagabung pikeun nyerang umat Yéhuwa bébéakan. Ti dinya, maranéhna jadi Gog di Magog. (Yeh. 38:2, 14-16) Bisa jadi urang hariwang naon nu bakal kajadian salila mangsa cilaka, utamana lantaran urang teu apal kumaha rincianana. Tapi, urang yakin urang moal sieun nyanghareupan mangsa cilaka lantaran Yéhuwa bakal masihan pituduh nu bisa nyalametkeun urang.—Jab. 34:20. w19.10 16-17 ¶10-11
Kemis, 29 Juli
Kalintang seueurna nu ku Gusti dipidamel pikeun abdi-abdi, nun PANGERAN, Allah abdi sadaya.—Jab. 40:6.
Ulah ngan saukur dirasakeun, tapi ungkabkeun rasa sukur ka Yéhuwa dina ucap jeung lampah. Ieu nu ngabédakeun urang ti kalolobaan jalma kiwari, nu teu ngahargaan sagala hal nu geus dipasihan ku Allah. Sabenerna, salah sahiji tanda urang hirup ”dina ahir jaman” téh nyaéta jalma-jalmana taya panarima. (2 Tim. 3:1, 2) Urang mah embung jadi jalma siga kitu! Yéhuwa hoyong kabéh barudak-Na alakur. Malah, silih pikanyaah téh ciri urang Kristen sajati. (Yoh. 13:35) Urang satuju jeung nu nulis jabur, ”Mana teuing hadena jeung senangna, lamun umat Allah runtut-raut hirupna!” (Jab. 133:1) Lamun urang mikanyaah dulur-dulur saiman, éta téh bukti urang nyaah ka Yéhuwa. (1 Yoh. 4:20) Kacida bungahna urang jadi bagian ti kulawarga nu anggotana téh pada ”sareh, alus budi”!—Epe. 4:32. w20.02 9 ¶6-7
Jumaah, 30 Juli
Berkahing PANGERAN, Hanaboga deui anak.—1 Sam. 2:21.
Masalah-masalah Hana teu langsung leungit. Hana masih kénéh cicing babarengan jeung Pénina. Alkitab gé teu nyebutkeun yén sikep Pénina robah. Jadi sigana mah, Hana kudu terus sabar nahan omongan Pénina nu pikanyerieun haté. Tapi ayeuna, Hana tetep tenang jeung terus ngarasa tengtrem. Hana teu pati strés deui lantaran geus masrahkeun masalahna ka Yéhuwa jeung ngandel ka Mantenna. Tungtungna, Hana diberkahan ku Yéhuwa pikeun boga budak! (1 Sam. 1:2, 6, 7, 17-20) Urang bisa tengtrem sanajan masih boga masalah. Sanajan geus terus ngadoa jeung rutin masamoan, bisa jadi aya masalah nu teu leungit-leungit. Tina conto Hana, urang diajar yén moal aya nu bisa ngahalangan Yéhuwa pikeun nengtremkeun urang. Yéhuwa moal mopohokeun urang jeung lamun teu nyerah, urang bakal diberkahan ku Mantenna.—Ibr. 11:6. w20.02 22 ¶9-10
Saptu, 31 Juli
Keur nu bijaksana mah nasehat urang teh matak nambahan kabijaksanaanana.—Sil. 9:9.
Para kokolot ulah asa-asa méré nyaho prinsip Alkitab supaya batur bisa nyieun tindakan nu bijaksana. Ku naon urang kudu wani ngomong lamun éta mémang perlu? Perhatikeun conto Éli. Imam Agung Éli boga dua budak lalaki nu kacida dipikanyaah ku manéhna. Tapi, barudakna teu ngahormat Yéhuwa. Maranéhna boga kadudukan penting salaku imam di tabernakel. Tapi maranéhna nyalahgunakeun wewenang, bener-bener teu ngahargaan kurban keur Yéhuwa, jeung terang-terangan ngalakukeun lampah cabul. (1 Sam. 2:12-17, 22) Nurutkeun Hukum Musa, maranéhna téh kuduna mah dihukum pati. Mémang Éli negor maranéhna, tapi carana leuleuy. Maranéhna gé masih kénéh diidinan ngawula di tabernakel. (Pam. 21:18-21) Kumaha pandangan Yéhuwa ningali Éli siga kitu? Mantenna nyarios ka Éli, ”Maneh leuwih ngajenan ka anak ti batan ka Kami.” Tuluy dua lalaki jahat éta dipaéhan ku Yéhuwa.—1 Sam. 2:29, 34. w20.03 19 ¶4-5