Agustus
Minggu, 1 Agustus
Kaula salawasna disarengan bae ku Mantenna anu ngutus.—Yoh. 8:29.
Basa keur dikaniaya, Yésus bisa tengtrem haté lantaran apal yén kasatiaanana nyenangkeun Bapana. Anjeunna tetep taat sanajan éta téh teu gampang. Lantaran nyaah ka Bapana, anjeunna ngutamakeun palayanan ka Yéhuwa dina kahirupanana. Misalna, saacan datang ka bumi, anjeunna gawé bareng jeung Yéhuwa. (Sil. 8:30) Basa di bumi, anjeunna sumanget ngajar batur ngeunaan Bapana. (Mat. 6:9; Yoh. 5:17) Éta nu ngalantarankeun Yésus bungah pisan. (Yoh. 4:34-36) Urang bisa nyonto Yésus ku cara taat ka Yéhuwa jeung ”rajin ngalakonan kawajiban pikeun Gusti”. (1 Kor. 15:58) Lamun urang sibuk dina pangwawaran, urang jadi boga pandangan nu bener kana masalah urang. (Ras. 18:5) Misalna, jalma-jalma nu dipanggihan dina dines seringna mah boga masalah nu leuwih beurat ti batan urang. Tapi, waktu maranéhna diajar nyaah ka Yéhuwa jeung ngalarapkeun naséhat-Na, kahirupan maranéhna jadi leuwih hadé jeung leuwih bagja. Unggal ningali hal ieu, urang leuwih yakin Yéhuwa bakal ngurus urang. w19.04 10-11 ¶8-9
Senén, 2 Agustus
Loba deui anu tadina jaradi tukang sihir ngumpulkeun kitab-kitab paririmbonna, tuluy didaruruk kasaksian ku sarerea.—Ras. 19:19.
Maranéhna daék ngalampahkeun naon waé pikeun nyingkahan roh-roh jahat. Kitab-kitab sihirna téh mahal pisan. Tapi, ti batan éta dibikeun atawa dijual ka batur, éta dimusnakeun ku maranéhna. Maranéhna leuwih hayang nyenangkeun Yéhuwa ti batan mikirkeun karugianana. Kumaha urang bisa nyonto tuladan urang Kristen di abad kahiji ieu? Hadéna mah urang miceun barang-barang nu aya patalina jeung hal-hal gaib. Ieu kaasup jimat atawa barang-barang nu dipaké atawa disimpen pikeun ngalindungan diri ti roh-roh jahat. (1 Kor. 10:21) Pariksa hiburan Sadérék. Pék lenyepan, ’Naha hiburan abdi aya patalina jeung spiritisme?’ Sing boga tékad pikeun nyingkahan sajauh-jauhna hal-hal nu dipikaijid ku Yéhuwa. Urang hayang sabisa-bisa ”ngajaga haté sanubari nu bersih” di payuneun Allah.—Ras. 24:16, NW. w19.04 22-23 ¶10-12
Salasa, 3 Agustus
Pangneangkeun kokolot jamaah.—Yak. 5:14.
Para kokolot kudu mikirkeun sababaraha hal lamun nyaho aya nu nyieun dosa gedé. Maranéhna utamana mikirkeun kasucian nami Allah. (Ima. 22:31, 32; Mat. 6:9) Tapi, maranéhna ogé mikirkeun karohanian dulur-dulur saimanna jeung hayang ngabantu nu jadi korban. Salian ti éta, lamun nu nyieun dosa téh jalma nu aya di sidang, para kokolot ogé mikirkeun carana mulihkeun hubungan jalma éta jeung Yéhuwa. (Yak. 5:14, 15) Urang Kristen nu nyerah kana kahayang nu salah jeung nyieun dosa gedé téh keur gering sacara rohani. Manéhna teu boga hubungan nu alus deui jeung Yéhuwa. Dina hal ieu, para kokolot bisa disaruakeun jeung dokter. Maranéhna sabisa-bisa ”nyageurkeun” nu gering rohani éta. Maranéhna ngagunakeun naséhat Alkitab pikeun mulihkeun hubungan jalma éta jeung Allah, tapi éta gé lamun manéhna bener-bener tobat.—Ras. 3:19; 2 Kor. 2:5-10. w19.05 10 ¶10-11
Rebo, 4 Agustus
Allah . . . barangdamel di aranjeun, supaya aranjeun daraek jeung saranggup ngalakonan tujuan pangersa-Na.—Pil. 2:13.
Yéhuwa bisa masihan urang kadaék pikeun ngalaksanakeun tujuana-Na. Misalna, urang apal aya kabutuhan di jero atawa di luar sidang. Jadi, urang bisa waé mikir, ’Abdi bisa mantuan naon nya?’ Atawa, meureun urang dibéré tugas nu teu gampang tapi urang hamham naha bisa bener ngalaksanakeunana atawa henteu. Atawa, sanggeus maca sababaraha ayat Alkitab, kapikir ku urang, ’Kumaha abdi bisa ngalarapkeunana pikeun mantuan batur?’ Waktu Yéhuwa apal urang mikirkeun naon nu bisa dilakukeun, Mantenna bisa masihan kadaék sangkan urang nyieun tindakan. Yéhuwa ogé bisa masihan urang kasanggupan pikeun ngalaksanakeun tujuana-Na. (Yes. 40:29) Mantenna ngagunakeun roh suci-Na pikeun ningkatkeun bakat urang. (Bud. 35:30-35) Yéhuwa bisa ngagunakeun organisasi-Na pikeun ngajarkeun carana ngalakukeun sababaraha tugas. Lamun Sadérék teu yakin kumaha carana ngalaksanakeun hiji tugas, pék pénta bantuan. Ulah asa-asa ménta bantuan ka Bapa Yéhuwa nu béréhan supaya boga ”kawasa nu maha agung”.—2 Kor. 4:7; Luk. 11:13. w19.10 21 ¶3-4
Kemis, 5 Agustus
Jalma-jalma ngan inget ka diri sorangan bae.—2 Tim. 3:2.
Dunya ieu ngajurung sipat mentingkeun diri. Hiji énsiklopédia nyebutkeun yén dina taun 1970-an, aya loba buku nu diterbitkeun ngeunaan cara hirup suksés. Sababaraha buku ngajurung nu macana sangkan reueus ka diri sorangan, ulah mikir aya nu salah jeung aya nu kudu dirobah dina dirina. Misalna, aya buku nu nyebutkeun, ”Sing nyaah ka jalma nu panggeulisna, panghébatna, jeung nu paling pantes dipikanyaah, nyaéta anjeun.” Buku éta nyebutkeun yén hiji jalma bébas mutuskeun sorangan laku lampahna, naon nu dirasa bener jeung genah keur dirina. Sadérék bisa jadi geus apal cara pikir siga kieu. Sétan ngajurung Hawa pikeun ngalakukeun nu sarua. Manéhna ngomong yén Hawa bisa jadi saperti Allah, ”terang kana hade jeung goreng”. (Kaj. 3:5) Kiwari, loba nu nganggap dirina luhur pisan nepi ka Allah gé teu bisa mapatahan manéhna ngeunaan nu bener jeung salah. Contona katingali dina cara pandang ngeunaan perkawinan. w19.05 23 ¶10-11
Jumaah, 6 Agustus
Abdi dibengkungkeun, digencet, sadidinten humaregung.—Jab. 38:7.
Dina sababaraha kaayaan, Raja Daud ngarasa strés pisan. Perhatikeun kasusah naon waé nu disanghareupan ku manéhna. Batinna kasiksa lantaran nyieun loba dosa. (Jab. 40:13) Putrana nu dipikaasih, Absalom, barontak tuluy maot. (2 Sam. 15:13, 14; 18:33) Geus kitu, salah sahiji sobat dalitna ngahianat. (2 Sam. 16:23–17:2; Jab. 55:13-15) Tina loba jabur nu ditulis ku Daud, urang bisa nyaho yén manéhna leutik haté pisan, tapi tetep ngandel ka Yéhuwa. (Jab. 38:6-11; 94:17-19) Ka dieunakeun, hiji jalma nu nulis jabur sirik kana kahirupan jalma-jalma nu jahat. Manéhna bisa jadi turunan Asap ti kaom Léwi nu ngawula di bait. Manéhna strés sarta ngarasa teu bagja. Malah, manéhna ngarasa teu puas kana berkah nu ditarima tina palayananana ka Allah.—Jab. 73:2-5, 7, 12-14, 16, 17, 21. w19.06 17 ¶12-13
Saptu, 7 Agustus
Kana maksud-maksud Iblis teh urang geus teu bireuk deui.—2 Kor. 2:11.
Sétan ngagunakeun kahayang nu wajar. Wajar lamun urang hayang boga pangabisa pikeun nganapkahan diri jeung kulawarga. (1 Tim. 5:8) Biasana, urang boga pangabisa téh ku cara sakola jeung getol diajar. Tapi, urang kudu ati-ati. Sistim pendidikan di loba nagri teu ngan saukur ngajarkeun pangabisa tapi ogé palsapah manusa. Sakola ngajurung para murid pikeun cangcaya kana ayana Allah jeung nyapirakeun Alkitab. Para murid dibéjaan yén kabéh jalma pinter mah percaya kahirupan téh hasil tina évolusi. (Rum 1:21-23) Pangajaran siga kieu papalingpang jeung ”hikmat Allah”. (1 Kor. 1:19-21, NW; 3:18-20) Urang kudu boga tékad pikeun henteu kapikat ”ku palsapah-palsapah manusa anu taya mangpa’atna tur matak nyasabkeun” ti dunya Sétan. (Kol. 2:8) Ulah daék katipu ku Sétan. (1 Kor. 3:18) Ulah nepi ka Sétan ngalantarankeun Sadérék mopohokeun Yéhuwa, Mantenna kudu tetep jelas dina pikiran Sadérék. Tuturkeun papakon moral Yéhuwa nu luhur. Jeung ulah kabobodo ku Sétan nepi ka Sadérék ngabaékeun naséhat Yéhuwa. w19.06 5 ¶13; 7 ¶17
Minggu, 8 Agustus
Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh.—Mat. 28:20.
Teu sual Sadérék rék ngabahas naon, pikirkeun jalma nu diajak ngobrol ku Sadérék. Pikirkeun yén naséhat Alkitab bisa méré mangpaat ka manéhna. Waktu ngobrol, déngékeun jeung hargaan pandanganana. Jadi, Sadérék bisa leuwih paham ka manéhna, manéhna gé bakal leuwih resep ngadéngékeun Sadérék. Saacan batur mutuskeun rék diajar Alkitab, bisa jadi Sadérék kudu nyadiakeun waktu jeung nyieun upaya pikeun ngadatangan deui. Ku naon? Lantaran jalma-jalma can tangtu aya di imah waktu didatangan deui. Sadérék ogé bisa jadi kudu datang sababaraha kali nepi ka nu boga imah kenal ka Sadérék jeung daék diajar Alkitab. Inget, pepelakan bisa tumuwuh lamun rutin dicébor. Sarupa kitu, saurang jalma bakal tumuwuh kanyaahna ka Yéhuwa jeung Kristus lamun urang rutin ngabahas Firman Allah jeung manéhna. w19.07 14 ¶1; 15-16 ¶7-8
Senén, 9 Agustus
Bagja maraneh lamun ku karana Putra Manusa, maraneh ku jalma-jalma pada mikageuleuh, pada miceun, pada ngahina jeung pada nyebutkeun doraka.—Luk. 6:22.
Naon maksud Yésus? Ieu lain maksudna urang Kristen resep dipikageuleuh ku batur. Yésus ngan méré nyaho naon nu bakal kaalaman ku urang. Urang teu kaasup ka dunya ieu. Urang mah ngalarapkeun pangajaran Yésus jeung ngawawarkeun warta nu diwawarkeun ku anjeunna. Balukarna, urang dipikageuleuh ku dunya. (Yoh. 15:18-21) Urang hayang nyenangkeun Yéhuwa. Jadi, lamun urang dipikageuleuh ku lantaran mikanyaah Yéhuwa, urang teu kudu sedih. Ulah ngukur harga diri urang tina pandangan batur ka diri urang. Urang teu apal iraha urang bakal dikaniaya atawa iraha ibadah ka Yéhuwa bakal dilarang. Tapi, urang bisa nyiapkeun diri ti ayeuna ku cara nguatkeun sosobatan urang jeung Yéhuwa, ngupayakeun sangkan jadi leuwih wani, jeung tetep tabah sanajan dipikageuleuh ku batur. Lamun urang nyiapkeun diri ti ayeuna, urang bakal tetep satia ngawula Yéhuwa dina mangsa kahareup. w19.07 6 ¶17-18; 7 ¶21
Salasa, 10 Agustus
Saha-saha anu datang ka Allah kudu percaya yen Allah teh aya.—Ibr. 11:6.
Waktu urang ngajarkeun Alkitab ka jalma nu teu paduli kana agama, urang kudu terus nguatkeun kapercayaanana yén Allah téh aya. Urang kudu ngabantu manéhna sangkan beuki percaya kana Alkitab. Bisa jadi urang kudu ngajelaskeun hiji hal sababaraha kali. Dina unggal palajaran, urang bisa jadi kudu ngabahas bukti yén Alkitab téh Firman Allah, misalna nubuat Alkitab nu geus laksana, conto yén Alkitab téh cocog jeung sajarah sarta élmu alam, atawa prinsip hirup nu hadé. Urang ngabantu jalma-jalma jadi murid Kristus ku cara némbongkeun kanyaah, teu sual maranéhna minat kana agama atawa henteu. (1 Kor. 13:1) Waktu ngajar maranéhna, urang hayang némbongkeun yén Allah nyaah ka urang jeung Mantenna gé hoyong urang mikanyaah Mantenna. Unggal taun, rébuan jalma dibaptis lantaran nyaah ka Allah, padahal tadina teu pati minat atawa teu minat sama sakali kana agama. Jadi, sing positif jeung témbongkeun kanyaah sarta perhatian ka sagala rupa jalma. Déngékeun sarta sing rasrasan ka maranéhna. Ajar maranéhna jadi murid Kristus ku tuladan Sadérék. w19.07 24 ¶16-17
Rebo, 11 Agustus
Ulah poho kana nyieun kahadean jeung silih pikanyaah. Lampah kitu teh kurban-kurban anu kacida sapukna jeung manah Allah.—Ibr. 13:16.
Barudak awéwéna Salum digunakeun ku Yéhuwa. Maranéhna milu ngoméan témbok Yérusalém. (Neh. 2:20; 3:12) Sanajan bapana kapala distrik, maranéhna réla ngalaksanakeun pagawéan nu beurat jeung bahaya. (Neh. 4:15-18) Kiwari ogé, sadérék-sadérék istri bungah ngalakukeun dines husus ka Allah, misalna milu ngawangun jeung ngoméan wangunan nu dibaktikeun ka Yéhuwa. Pagawéan ieu bisa suksés lantaran aya dukungan ti sadérék-sadérék istri nu tarampil, sumanget, jeung taat ieu. Yéhuwa ngageuing Tabita pikeun ”resep kana tutulung resep mere sidekah”, utamana ka para randa. (Ras. 9:36, SF) Lantaran manéhna bageur jeung béréhan, loba nu nyeungceurikan waktu manéhna maot. Tapi, maranéhna atoh waktu Rasul Pétrus ngahirupkeun deui Tabita. (Ras. 9:39-41) Urang bisa diajar naon ti Tabita? Teu sual urang ngora kénéh atawa geus kolot, lalaki atawa awéwé, urang bisa méré bantuan langsung pikeun nulungan dulur saiman. w19.10 23 ¶11-12
Kemis, 12 Agustus
Mastikeun hal-hal nu leuwih penting, jadi aranjeun taya cawadeunana, jeung henteu jadi hahalang nu matak batur titajong.—Pil. 1:10, ”NW”.
Dina hal naon urang bisa ngalantarankeun batur titajong? Misalna kieu, aya saurang palajar Alkitab nu bajoang pikeun bébas tina kacanduan alkohol. Manéhna sadar kudu ngajauhan alkohol sama sakali. Tuluy, manéhna nyieun kamajuan jeung dibaptis. Ka dieunakeun, manéhna diondang ka acara kumpul-kumpul di imah saurang sadérék. Tuluy nu ngondangna ngadesek manéhna nginum alkohol, ”Lamun bisa ngadalikeun diri, Brur bisa lah nginum saeutik mah.” Pék bayangkeun, kumaha lamun sadérék nu anyar ieu nuturkeun naséhat nu salah éta tuluy kacanduan alkohol deui, karunya pan? Pasamoan Kristen bisa ngabantu urang ngalarapkeun pituduh dina ayat poé ieu. Éta ogé ngingetkeun urang kana naon nu dianggap penting ku Yéhuwa jeung kumaha carana ngalarapkeun Firman Allah, ku kituna urang dibantu sangkan taya cawadeunana. Salian ti éta, urang gé bakal nyaah ka Yéhuwa jeung dulur saiman. Lamun haté urang pinuh ku kanyaah ka Allah jeung ka dulur saiman, urang bakal ngupayakeun supaya batur teu titajong. w19.08 10 ¶9; 11 ¶13-14
Jumaah, 13 Agustus
Di antara rasul-rasul, sim kuring rumasa panghandapna, lantaran tadina jadi tukang nganiaya jamaah Allah.—1 Kor. 15:9.
Jalma nu katingalina percaya diri jeung ngomongna terus terang can tangtu jalma sombong. (Yoh. 1:46, 47) Tapi teu sual sipat urang kawas kumaha, urang kabéh kudu ngamekarkeun sipat rendah haté. Contona Rasul Paulus. Manéhna digunakeun pisan ku Yéhuwa pikeun ngadegkeun sidang-sidang anyar di loba kota. Nu dilakukeun ku Paulus katingalina leuwih loba dibandingkeun jeung rasul-rasul Yésus Kristus nu séjén. Tapi, Paulus teu ngarasa leuwih unggul ti batan maranéhna. Paulus nyebutkeun yén manéhna bisa kamanah ku Allah téh lain ku karana kahébatanana atawa naon nu geus dilakukeunana, tapi ku karana rahmat Allah. (1 Kor. 15:10) Paulus jadi tuladan nu hadé ngeunaan karendahan haté. Waktu nulis surat ka sidang Korinta, manéhna teu ngagulkeun diri, sanajan sababaraha anggota sidang éta ngiritik manéhna.—2 Kor. 10:10. w19.09 3 ¶5-6
Saptu, 14 Agustus
Ka Rama rohani, urang kudu leuwih ajrih.—Ibr. 12:9.
Salah sahiji alesanana urang hésé tunduk ka Yéhuwa lantaran urang ngawaris dosa jeung teu sampurna. Jadi, sakapeung urang embung taat. Sanggeus Adam jeung Hawa barontak ka Allah jeung ngadahar buah nu dilarang, maranéhna nyieun aturan sorangan. (Kaj. 3:22) Kiwari, kalolobaan jalma gé milih teu taat ka Yéhuwa jeung nangtukeun sorangan naon nu bener jeung nu salah. Nu wanoh jeung nyaah ka Yéhuwa gé masih kénéh bajoang pikeun bener-bener tunduk ka Mantenna. Ieu pernah dirasakeun ku Rasul Paulus. (Rum 7:21-23) Siga Paulus, urang hayang ngalampahkeun nu bener di payuneun Yéhuwa. Tapi, urang kudu terus ngalawan kahayang nu salah. Alesan séjén urang hésé tunduk ka Yéhuwa téh lantaran kapangaruhan ku kabudayaan di mana urang digedékeun. Loba cara pikir manusa teu sajalan jeung kahoyong Yéhuwa, jadi urang kudu teterusan nampik cara pikir nu umum éta. w19.09 15 ¶4-6
Minggu, 15 Agustus
Jualan kabeh babandaan hidep, duitna serenkeun ka kaom miskin . . . Geus kitu ka dieu, tuturkeun Kami.—Mar. 10:21.
Urang kudu asup akal, tanaga urang téh aya watesna. Jadi, urang kudu bijaksana ngagunakeun tanaga urang. Misalna, urang bisa miceunan tanaga pikeun ngumpulkeun harta banda. Perhatikeun jawaban Yésus ka lalaki beunghar nu nanya, ”Kedah kumaha lampah abdi supados kenging hirup langgeng?” Lalaki éta pasti jalma bageur lantaran Injil Markus ngajéntrékeun yén Yésus ”nyaah” ka manéhna. Yésus ngondang manéhna, kekecapanana dicatet dina ayat poé ieu. Manéhna nalangsa, hayangna mah nuturkeun Yésus, tapi beurat ninggalkeun harta banda lantaran manéhna ”kacida beungharna”. (Mar. 10:17-22) Jadi, manéhna embung manggul pasangan ti Yésus tapi terus ”ngawula kana duit”. (Mat. 6:24) Lamun Sadérék rék milih naon? Alus lamun urang rutin mariksa naon nu diutamakeun ku urang. Naon sababna? Supaya bisa mastikeun yén urang bijaksana dina ngagunakeun tanaga urang. w19.09 24 ¶17-18
Senén, 16 Agustus
Wawaran amanat Allah teh kudu disiarkeun heula ka sagala bangsa.—Mar. 13:10.
Urang kudu terus ngawawarkeun warta Karajaan nepi ka Yéhuwa nganggap éta geus cukup. Sabaraha lila deui jalma-jalma bisa dibantu pikeun kenal ka Allah Yéhuwa jeung Yésus Kristus? (Yoh. 17:3) Urang teu apal. Tapi nu pasti, saacan mangsa cilaka dimimitian, jalma-jalma nu ”boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng” masih kénéh bisa narima warta hadé jeung milih ngawula Yéhuwa. (Ras. 13:48, NW) Kumaha urang bisa ngabantu jalma-jalma saacan telat? Liwat organisasi-Na, Yéhuwa masihan bantuan ka urang pikeun ngajarkeun bebeneran ka jalma-jalma. Contona, unggal minggu urang narima palatihan di pasamoan tengah minggu. Di pasamoan ieu, urang jadi nyaho naon nu kudu diomongkeun waktu ngawawar jeung ngadatangan deui. Sanggeus ngobrol jeung jalma nu minat, Sadérék bisa méré risalah atawa majalah. Jadi, bahan-bahan éta bisa dibaca ku manéhna nepi ka Sadérék panggih deui jeung manéhna. Urang boga tanggung jawab pikeun terus sibuk ngawawar unggal bulan. w19.10 9 ¶7; 10 ¶9-10
Salasa, 17 Agustus
Ulah poho kana nyieun kahadean jeung silih pikanyaah. Lampah kitu teh kurban-kurban anu kacida sapukna jeung manah Allah.—Ibr. 13:16.
Yéhuwa jangji ka Siméon, jalma nu geus kolot di Yérusalém, yén manéhna moal waka maot saacan nempo Mésias ku panonna sorangan. Jangji ieu tangtu bener-bener nguatkeun Siméon nu geus lila ngadagoan datangna Mésias. Yéhuwa ngaberkahan iman jeung katabahanana. Hiji poé, ”kalawan panuyun Roh Allah”, manéhna datang ka bait. Di ditu, manéhna ningali Yésus nu orok kénéh. Manéhna digunakeun ku Yéhuwa pikeun nganubuatkeun yén orok éta engkéna bakal jadi Kristus. (Luk. 2:25-35) Sanajan katingalina Siméon maot saacan Yésus ngamimitian palayananana, manéhna ngahargaan pisan hak istiméwana. Manéhna gé bakal narima loba berkah dina mangsa kahareup! Di dunya anyar, priya nu satia ieu bakal ningali Yésus maréntah jeung ngaberkahan kabéh kulawarga di bumi. (Kaj. 22:18) Urang gé ngahargaan pisan hak istiméwa naon waé nu dipasihan ku Yéhuwa dina palayanan. w19.10 22 ¶7; 23 ¶12
Rebo, 18 Agustus
Ti nu sagala hal nu kudu dijaga, pangpangna kudu ngajaga haté.—Sil. 4:23, ”NW”.
Teu sual urang boga loba duit atawa henteu, urang kudu ngajaga haté. Kumaha carana? Ulah cinta kana kabeungharan. Jeung, ulah nepi ka pagawéan jadi leuwih penting ti batan dines ka Yéhuwa. Kumaha urang bisa nyaho lamun urang geus kitu? Pék pikirkeun pananya-pananya ieu: ’Naha abdi sering mikiran pagawéan waktu keur masamoan atawa keur dines? Naha abdi sering hariwang engké bakal boga cukup duit atawa henteu? Naha abdi osok paséa jeung batur hirup sual duit jeung harta banda? Naha abdi réla digawé rendahan sangkan boga leuwih loba waktu pikeun ngawula Yéhuwa?’ (1 Tim. 6:9-12) Waktu mikirkeun pananya-pananya ieu, urang kudu inget yén Yéhuwa mikanyaah urang jeung masihan jangji ieu ka jalma-jalma nu ngabakti ka Mantenna, ”Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun.” Éta sababna Rasul Paulus nulis, ”Kana duit ulah nepi ka kaedanan.”—Ibr. 13:5, 6. w19.10 29 ¶10
Kemis, 19 Agustus
Budi akal datangna ti pada jalma, cara waja silih asah jeung waja.—Sil. 27:17.
Waktu urang dines bareng jeung dulur saiman, urang bisa ningali sipat-sipat hadé maranéhna. Urang gé bisa diajar ti maranéhna jeung jadi leuwih akrab. Misalna waktu keur dines, kumaha parasaan Sadérék waktu ngadéngé sobat Sadérék wani ngabéla imanna atawa ngungkabkeun kayakinanana ngeunaan Yéhuwa jeung tujuana-Na? Bisa jadi Sadérék beuki nyaah ka manéhna. Adeline, saurang sadérék istri nu umurna 23 taun, ngajak sobatna, Candice, pikeun ngawawar di daérah nu jarang diwawaran. Ceuk manéhna, ”Abdi duaan hayang leuwih sumanget jeung resep ngawawar. Abdi duaan butuh dikuatkeun.” Naon mangpaatna dines babarengan? Ceuk Adeline, ”Unggal soré, urang nyaritakeun parasaan masing-masing, nyaritakeun obrolan nu alus dina dines, jeung ngabahas kumaha Yéhuwa ngabingbing dines abdi duaan. Resep pisan bisa ngobrolkeun hal-hal ieu. Abdi duaan jadi leuwih kenal.” w19.11 5 ¶10-11
Jumaah, 20 Agustus
Gunakeun kapercayaan ka Pangeran minangka jadi tamengna.—Epe. 6:16.
Dina jaman baheula, saurang prajurit bakal éra lamun balik perang bari teu mawa taméngna. Ahli sajarah Rum nyaéta Tacitus nulis, ”Ngérakeun pisan lamun saurang prajurit ninggalkeun taméngna.” Éta sababna saurang prajurit nyekel pageuh taméngna. Urang nyekel pageuh taméng iman ku cara rutin masamoan jeung nyaritakeun ka batur ngeunaan nami Yéhuwa jeung Karajaana-Na. (Ibr. 10:23-25) Urang gé kudu maca Firman Allah unggal poé sarta ngadoa ka Yéhuwa sangkan bisa ngalarapkeun naséhat jeung pituduh-Na. (2 Tim. 3:16, 17) Lamun éta dilakukeun, senjata naon waé nu digunakeun ku Sétan moal bisa ngaleungitkeun harepan hirup langgeng urang. (Yes. 54:17) ’Taméng’ iman bakal ngalindungan urang. Bareng jeung dulur-dulur saiman, urang bakal tetep pengkuh jeung unggul dina pangperangan urang unggal poé. Salian ti éta, urang gé boga kahormatan aya di pihak Yésus waktu anjeunna ngéléhkeun Sétan jeung baladna.—Wahyu 17:14; 20:10. w19.11 19 ¶18-19
Saptu, 21 Agustus
Lamun dina ngadu tonjok mah ulah aya panonjok anu meleset.—1 Kor. 9:26.
Sadérék bakal leuwih gampang ngajalankeun putusan lamun Sadérék nuliskeun rencanana. (1 Kor. 14:40) Misalna, badan kokolot meunang pituduh pikeun nugaskeun saurang kokolot nyatet unggal putusan, kaasup saha nu ditugaskeun ngajalankeunana jeung iraha kudu anggeusna. Para kokolot nu nuturkeun pituduh ieu bakal leuwih gampang ngajalankeun putusan maranéhna. Sadérék gé bisa nyonto cara ieu dina urusan pribadi. Misalna, Sadérék bisa nyieun daptar naon waé nu rék digawékeun unggal poé, tuluy disusun mana nu rék digawékeun ti heula. Ku kituna, Sadérék teu ngan saukur bisa nganggeuskeun naon nu geus dimimitian tapi ogé leuwih gancang bérésna. Tapi, sadérék kudu leukeun. Ngajalankeun rencana jeung nganggeuskeun naon nu geus dimimitian téh butuh upaya. (Rum 12:11) Rasul Paulus ngajurung Timoteus supaya ”leukeun” jeung ”junun” ngarah jadi guru nu leuwih hadé. Ieu ogé bisa dilarapkeun dina ngahontal cita-cita rohani séjénna.—1 Tim. 4:13, 16, SF. w19.11 30 ¶15-16
Minggu, 22 Agustus
PANGERAN ngadawuh ka Musa teh papayun-payun, cara jelema cacarita jeung sobatna.—Bud. 33:11.
Waktu Musa ditugaskeun pikeun ngabébaskeun bangsa Israil ti pangbudakan, manéhna teu percaya diri jeung mangkali-kali ngomong yén manéhna teu sanggup. Yéhuwa nunjukkeun welas asih-Na ku cara masihan bantuan ka Musa. (Bud. 4:10-16) Hasilna, Musa bisa nepikeun warta hukuman nu tegas ka Piraon. Tuluy, Musa nyaksian Yéhuwa ngagunakeun kawasa-Na waktu nyalametkeun bangsa Israil sarta ngabinasakeun Piraon jeung pasukanana di Laut Beureum. (Bud. 14:26-31; Jab. 136:15) Sanggeus bangsa Israil dibawa kaluar ti Mesir, maranéhna teterusan kukulutus. Sanajan kitu, Musa merhatikeun yén Yéhuwa téh sabar pisan ka jalma-jalma nu dibébaskeun ku Mantenna tina pangbudakan. (Jab. 78:40-43) Waktu Musa ménta supaya Yéhuwa ngarobah putusana-Na, Mantenna kersaeun. Ti dinya, Musa ningali yén Yéhuwa téh luar biasa rendah haté. (Bud. 32:9-14) Sanggeus kaluar ti Mesir, hubungan Musa jeung Yéhuwa beuki raket, saolah-olah Musa bisa ningali Bapana nu di sawarga.—Ibr. 11:27. w19.12 17 ¶7, 8; 19 ¶9
Senén, 23 Agustus
Ayeuna [anjeunna] keur angkat ka Galilea miheulaan aranjeun. Engke tangtu kapanggih di ditu!—Mat. 28:7.
Kalolobaan murid Yésus urang Galiléa. Jadi, leuwih asup akal pikeun ngumpulkeun loba jalma di gunung di Galiléa ti batan di hiji imah di Yérusalém. Salian ti éta, sanggeus dihirupkeun deui, Yésus geus manggihan 11 rasulna di hiji imah di Yérusalém. Jadi, lamun pituduh Yésus pikeun ngawawar jeung ngajar ngan keur para rasul, kuduna mah ngomongna téh pas keur di Yérusalém. Tapi henteu kitu, Yésus malah nitah rasul-rasul, para wanita, jeung nu séjénna panggih jeung anjeunna di Galiléa. (Luk. 24:33, 36) Paréntah Yésus pikeun ngajadikeun murid téh lain ngan saukur keur urang Kristen dina abad kahiji. Yésus mungkas pituduhna ku kekecapan, ”Kami tangtu nyarengan ka maraneh salalawasna nepi ka ahir jaman.” (Mat. 28:19, 20) Kiwari loba jalma keur ngajadikeun murid. Pikirkeun, ampir 300.000 jalma unggal taun dibaptis jadi Saksi-Saksi Yéhuwa jeung jadi murid Yésus Kristus! w20.01 2 ¶1; 3 ¶5-6
Salasa, 24 Agustus
Mantenna henteu lali waktu urang kasoran.—Jab. 136:23.
Aya budak ngora nu kanyahoan boga panyakit parah nu ngalantarankeun awakna beuki lila beuki lemah. Aya nu ngolotan sarta teu bisa néangan pagawéan. Aya nu beuki rémpo nepi ka teu bisa méré loba dina dines ka Yéhuwa. Lamun Sadérék ngalaman salah sahiji kaayaan nu tadi disebutkeun, bisa jadi Sadérék ngarasa euweuh hargaan. Kaayaan éta bisa ngarampas suka bungah, ngancurkeun harga diri, jeung ngaruksak hubungan Sadérék jeung batur. Dunya ieu némbongkeun pandangan Sétan ngeunaan kahirupan manusa. Sétan nganggap manusa téh euweuh hargaan. Manéhna téga ngomong ka Hawa yén Hawa bakal bébas lamun teu taat ka Allah, padahal manéhna nyaho lamun teu taat mah bakal maot. Dunya ieu dikadalikeun ku Sétan. Jadi teu héran lamun para pamingpin dunya ieu teu ngahargaan hirup manusa jeung martabatna. Sabalikna, Yéhuwa hoyong urang ngarasa boga harga diri. Mantenna gé bakal nulungan urang nyanghareupan kaayaan-kaayaan nu ngancurkeun harga diri urang.—Rum 12:3. w20.01 14 ¶1-4
Rebo, 25 Agustus
Lamun kaula masih nguar-nguarkeun pangandika PANGERAN, moal teu dipaehan.—Yer. 11:21.
Salila 40 taun atawa leuwih, Yérmia hirup di antara jalma-jalma nu teu satia, kaasup tatangga jeung bisa jadi barayana ti Anatot, kota asalna. (Yer. 12:6) Tapi, Yérmia teu mencilkeun manéh. Manéhna malahan ngungkabkeun parasaanana ka Baruk, sékertarisna nu satia, jeung sabenerna ka urang ogé lantaran éta ditulis. (Yer. 8:21; 9:1; 20:14-18; 45:1) Urang bisa ngabayangkeun waktu Baruk nulis pangalaman Yérmia, maranéhna duaan jadi silih pikanyaah jeung silih hargaan. (Yer. 20:1, 2; 26:7-11) Mangtaun-taun, Yérmia wani mépélingan bangsa Israil ngeunaan naon nu bakal tumiba ka Yérusalém. (Yer. 25:3) Tuluy, Yéhuwa nugaskeun Yérmia pikeun nuliskeun pépéling-Na dina gulungan supaya bangsa Israil tarobat. (Yer. 36:1-4) Pikeun ngajalankeun tugas ti Allah ieu, nu bisa jadi lilana sababaraha bulan, Yérmia gawé bareng jeung Baruk. Maranéhna tangtu sering ngobrolkeun hal-hal nu nguatkeun iman. w19.11 2-3 ¶3-4
Kemis, 26 Agustus
Anu ngaluhurkeun maneh tangtu dikahandapkeun, sabalikna anu ngahandapkeun maneh bakal dikaluhurkeun.—Mat. 23:12.
Kumaha sakuduna sikep urang ka sadérék-sadérék nu diistrénan? Urang salah lamun kaleuleuwihi ngahormat saurang jalma, sanajan manéhna téh dulur Kristus nu diistrénan. (Mat. 23:8-11) Waktu ngabahas ngeunaan kokolot, Alkitab nyebutkeun yén urang kudu ’nyonto iman aranjeunna’, lainna nganggap saurang jalma jadi pamingpin. (Ibr. 13:7) Mémang bener Alkitab nyebutkeun aya nu ”kudu diajenan dua kali lipet”. Tapi, éta téh lantaran maranéhna ”hade ngokolotanana” sarta ”getol hutbah jeung ngawuruk”, lainna lantaran maranéhna diistrénan. (1 Tim. 5:17, SF) Lamun urang muji-muji jeung méré perhatian nu kaleuleuwihi, maranéhna bakal risi. Malah leuwih parah deui, urang bisa ngalantarankeun maranéhna jadi sombong. (Rum 12:3) Urang embung ngalantarankeun salah saurang dulur Kristus nyieun kasalahan sérius siga kitu!—Luk. 17:2. w20.01 29 ¶8
Jumaah, 27 Agustus
Teu kudu dicatur hal-hal sejenna mah, . . . [sim kuring gé] melang ka jamaah-jamaah.—2 Kor. 11:28.
Rasul Paulus boga loba alesan pikeun ngarasa hariwang. Masalah nu disanghareupan ku dulur-dulur saiman téh pasti jadi pikiran keur Paulus. (2 Kor. 2:4) Paulus gé ditentang, digebugan, jeung diabuskeun ka panjara. Manéhna gé tabah nyanghareupan kasusah séjén nu nyababkeun strés, saperti ngalaman ”hirup teu cukup”. (Pil. 4:12) Jeung lantaran geus ngalaman sahenteuna tilu kali kapal tilelep, manéhna pasti hariwang pisan mun iinditan maké kapal. (2 Kor. 11:23-27) Naon nu ngabantu Paulus waktu keur hariwang? Paulus hariwang waktu dulur-dulur saimanna nyanghareupan tangtangan. Tapi, manéhna teu ngarasa kudu ngaréngsékeun kabéh masalahna ku sorangan. Paulus sadar kana kasanggupanana. Manéhna ménta tulung ka batur nu bisa diandelkeun pikeun ngurus sidang, misalna Timoteus jeung Titus. Ku bantuan dua sadérék éta, Paulus jadi teu hariwang teuing.—Pil. 2:19, 20; Tit. 1:1, 4, 5. w20.02 22-23 ¶11-12
Saptu, 28 Agustus
Barudak . . . kudu nurut ka kolot.—Epe. 6:1.
Yéhuwa gé ngarepkeun urang taat ka Mantenna. Urang geus sapantesna taat ka Yéhuwa lantaran Mantenna téh Nu Nyipta, Nu nyumponan pangabutuh hirup, jeung Bapa nu pangbijaksanana. Tapi, alesan utama urang taat téh lantaran urang nyaah ka Mantenna. (1 Yoh. 5:3) Sanajan urang boga loba alesan pikeun taat ka Yéhuwa, Mantenna moal maksa urang. Yéhuwa masihan kabébasan milih, jadi Mantenna bungah lamun urang milih taat ka Yéhuwa lantaran mikanyaah Mantenna. Kolot hayang barudakna aman. Éta sababna, kolot nyieun aturan. Lamun budakna taat kana aturan éta, éta bukti budakna percaya jeung hormat ka kolotna. Jadi tangtu leuwih penting lamun urang paham jeung ngajalankeun aturan ti Bapa urang nu di sawarga. Éta ngabuktikeun urang nyaah jeung hormat ka Yéhuwa. Urang sorangan gé ngarasakeun mangpaatna. (Yes. 48:17, 18) Sabalikna, jalma nu nampik aturan Yéhuwa mah ngarugikeun dirina sorangan.—Gal. 6:7, 8. w20.02 9-10 ¶8-9
Minggu, 29 Agustus
Duh Juragan, dangukeun heula.—1 Sam. 25:24.
Siga Abigail, urang kudu wani ngomong lamun ningali aya jalma nu bakal nyieun kasalahan gedé. (Jab. 141:5) Mémang urang kudu sopan, tapi urang gé kudu wani. Urang kabukti jadi sobat sajati lamun teu sieun méré naséhat nu dibutuhkeun ku sobat urang (Sil. 27:17) Kokolot hususna kudu wani ngomong ka dulur saiman nu salah léngkah. (Gal. 6:1) Mémang para kokolot nyaho yén dirina gé teu sampurna jeung sakali waktu butuh dibéré naséhat, tapi éta teu ngahalangan maranéhna negor dulur saiman nu ngabutuhkeun pépéling. (2 Tim. 4:2; Tit. 1:9) Waktu méré naséhat, maranéhna bakal ngomong kalawan bijaksana jeung sabar. Maranéhna téh hayang ngabantu lantaran nyaah ka dulur saimanna. (Sil. 13:24) Tapi alesan utamana nyaéta ngamulyakeun Yéhuwa ku cara ngajungjung hukum-Na jeung ngalindungan sidang tina masalah.—Ras. 20:28. w20.03 20 ¶8-9
Senén, 30 Agustus
Kaayaan nu kumaha bae kuat nandanganana, lantaran dikuatkeun ku kakawasaan Kristus.—Pil. 4:13.
Yéhuwa ngabantu Musa ngabébaskeun bangsa Israil. Tapi, iraha manéhna digunakeun ku Yéhuwa? Naha éta téh basa Musa ngarasa siap lantaran geus diajar ”sagala rupi elmu kapinteran urang Mesir”? (Ras. 7:22-25) Henteu, Musa digunakeun sanggeus manéhna dilatih ku Yéhuwa pikeun rendah haté jeung lemah lembut. (Ras. 7:30, 34-36) Yéhuwa masihan Musa kawani pikeun ngadep jalma nu pangkawasana di Mesir. (Bud. 9:13-19) Ti dinya, urang apal yén Yéhuwa ngagunakeun jalma-jalma nu nyonto sipat-sipat-Na jeung ngandelkeun kakuatan ti Mantenna. Ti baheula, Yéhuwa ngagunakeun hamba-hamba-Na ku rupa-rupa cara. Naha Sadérék gé bisa digunakeun ku Yéhuwa? Éta gumantung kana karélaan Sadérék pikeun ngupayakeun diri. (Epe. 3:14-16) Lamun Sadérék réla, Yéhuwa bisa ngabantu Sadérék jadi pawarta nu sumanget, guru nu tarampil, panglipur, tukang nu ahli, sobat nu méré dukungan, atawa jadi naon waé nu dibutuhkeun pikeun ngalaksanakeun kahoyong-Na. w19.10 21 ¶5; 25 ¶14
Salasa, 31 Agustus
Maraneh ku Kami disebut sobat.—Yoh. 15:15.
Sobat nu bageur bakal ngabantu urang tetep satia ka Yéhuwa. Cara nu panghadéna pikeun boga sobat nu bageur nyaéta urang kudu bageur ka batur. (Mat. 7:12) Misalna, Alkitab ngajurung urang pikeun ngagunakeun waktu jeung tanaga pikeun mantuan batur, utamana nu ”eukeur kakurangan”. (Epe. 4:28) Lamun urang sibuk nulungan batur, urang bakal leuwih bagja. (Ras. 20:35) Sobat urang bakal ngadukung waktu urang keur kasusahan jeung ngabantu urang tetep tengtrem haté. Siga Élihu nu ngadéngékeun waktu Ayub nyaritakeun kasusahanana, sobat urang gé bakal sabar ngadéngékeun waktu urang ngungkabkeun parasaan. (Ayub 32:4) Ulah ngarepkeun manéhna nyieun putusan keur urang. Tapi, tangtu bijaksana lamun urang ngadéngékeun naséhat manéhna tina Alkitab. (Sil. 15:22) Saperti Raja Daud nu rendah haté daék narima bantuan ti sobatna, urang gé teu kudu géngsi narima bantuan ti sobat lamun mémang butuh. (2 Sam. 17:27-29) Sobat nu siga kitu téh kurnia ti Yéhuwa.—Yak. 1:17. w19.04 11 ¶12; 12-13 ¶14-15