PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es21
  • Séptémber

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Séptémber
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2021
  • Subjudul
  • Rebo, 1 Séptémber
  • Kemis, 2 Séptémber
  • Jumaah, 3 Séptémber
  • Saptu, 4 Séptémber
  • Minggu, 5 Séptémber
  • Senén, 6 Séptémber
  • Salasa, 7 Séptémber
  • Rebo, 8 Séptémber
  • Kemis, 9 Séptémber
  • Jumaah, 10 Séptémber
  • Saptu, 11 Séptémber
  • Minggu, 12 Séptémber
  • Senén, 13 Séptémber
  • Salasa, 14 Séptémber
  • Rebo, 15 Séptémber
  • Kemis, 16 Séptémber
  • Jumaah, 17 Séptémber
  • Saptu, 18 Séptémber
  • Minggu, 19 Séptémber
  • Senén, 20 Séptémber
  • Salasa, 21 Séptémber
  • Rebo, 22 Séptémber
  • Kemis, 23 Séptémber
  • Jumaah, 24 Séptémber
  • Saptu, 25 Séptémber
  • Minggu, 26 Séptémber
  • Senén, 27 Séptémber
  • Salasa, 28 Séptémber
  • Rebo, 29 Séptémber
  • Kemis, 30 Séptémber
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2021
es21

Séptémber

Rebo, 1 Séptémber

Rama Kaula teu kendat barangdamel nepi ka ayeuna, Kaula oge kudu kitu.​—Yoh. 5:​17.

Lantaran Yéhuwa jeung Yésus getol digawé, naha éta hartina urang teu perlu istirahat? Lain kitu. Mémang Yéhuwa tara capé jeung teu butuh istirahat. Tapi, Alkitab nyebutkeun yén sanggeus nyiptakeun langit jeung bumi, Yéhuwa ”reureuh, liren tina sagala damel”. (Bud. 31:17) Yéhuwa lirén didamel téh supaya bisa ningali hasil padamelana-Na. Basa di bumi, Yésus gé getol digawé, tapi tetep boga waktu keur reureuh sarta bisa dahar bareng jeung sobat-sobatna. (Mat. 14:13; Luk. 7:34) Alkitab ngajurung umat Allah pikeun resep digawé. Hamba-hamba Allah kudu getol ulah kedul. (Sil. 15:19) Sadérék digawé pikeun nyumponan pangabutuh kulawarga. Salaku murid Kristus, Sadérék gé boga tanggung jawab pikeun nguarkeun warta hadé. Tapi, tetep Sadérék butuh cukup istirahat. w19.12 2 ¶2; 3 ¶4-5

Kemis, 2 Séptémber

Kristus oge geus nandangan sangsara pikeun aranjeun, sarta Anjeunna maparin tuladan anu ku urang kudu dipiconto.​—1 Pet. 2:21.

Ulah nyaritakeun carita-carita ngeunaan roh jahat. Dina hal ieu, urang hayang nyonto tuladan Yésus. Saacan datang ka bumi, Yésus hirup di sawarga jeung nyaho loba hal ngeunaan Sétan tur roh-roh jahat. Tapi, anjeunna teu nyaritakeun naon nu dilakukeun ku maranéhna. Yésus hayang méré kasaksian ngeunaan Yéhuwa lainna rék nguar-nguarkeun carita ngeunaan Sétan. Urang bisa nyonto Yésus ku cara henteu nyebarkeun carita ngeunaan roh-roh jahat. Sabalikna, urang hayang haté urang pinuh ku ”kecap-kecap nu arendah”, nyaéta bebeneran. (Jab. 45:2) Ulah kasieunan ku roh-roh jahat. Di dunya kiwari, hal-hal goréng bisa kaalaman ku urang. Kacilakaan, panyakit, malahan maot bisa ujug-ujug kajadian. Tapi, urang ulah mikir yén éta téh dibalukarkeun ku mahluk roh. Alkitab ngajelaskeun yén unggal jalma bisa ngalaman ”waktu jeung kajadian nu teu disangka-sangka”. (Pan. 9:​11, NW) Yéhuwa geus némbongkeun yén kakuatan Mantenna jauh leuwih gedé ti batan roh-roh jahat. w19.04 23-​24 ¶13-​14

Jumaah, 3 Séptémber

Pamarentah anu ayeuna eukeur oge geus kersaning Allah.​—Rum 13:1.

Naha para kokolot kudu taat kana hukum pamaréntah pikeun ngalaporkeun jalma nu dituduh ngalécéhkeun budak? Enya. Di nagri-nagri nu boga hukum ieu, para kokolot kudu ngalaporkeun jalma nu dituduh ngalécéhkeun budak. Hukum ieu teu papalingpang jeung hukum Allah. (Ras. 5:​28, 29) Jadi, lamun para kokolot nyaho aya nu dituduh ngalécéhkeun budak, maranéhna gancang néangan pituduh ti kantor cabang sangkan bisa taat kana hukum pamaréntah ngeunaan ngalaporkeun pelécéhan budak. Para kokolot sidang bisa ngayakinkeun korban, kolotna, jeung saha waé nu apal kana kajadian ieu yén maranéhna meunang ngalaporkeun masalahna ka pamaréntah. Tapi, kumaha lamun nu dilaporkeun téh jalma nu aya di sidang, tuluy masalahna jadi kanyahoan ku masarakat? Naha nu ngalapor kudu rumasa salah lantaran ngarasa geus ngagogoréng nami Allah? Henteu. Nu ngagogoréng nami Allah mah jalma nu nyieun dosa éta. w19.05 10 ¶13-​14

Saptu, 4 Séptémber

Anu ku dunya disebut pinter [”hikmat dunya”, ”NW”] teh di payuneun Allah mah bodo.—1 Kor. 3:​19.

Alkitab maréntahkeun salaki pamajikan sangkan silih hargaan jeung ngajénan ikrar perkawinan. Maranéhna dijurung pikeun boga tékad terus ngahiji. Ceuk Alkitab, ”Lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal.” (Kaj. 2:24) Tapi, jalma-jalma nu dipangaruhan ku hikmat dunya boga pandangan nu béda. Maranéhna ngomong yén salaki pamajikan kudu ngutamakeun kapentinganana masing-masing. Hiji buku nyebutkeun ngeunaan pepegatan, ”Dina sababaraha upacara perkawinan, ikrar rék ngahiji ’saumur hirup’ diganti ku jangji bakal terus ngahiji ’salila silih cinta’. ” Pandangan siga kitu ngalantarankeun siksaan batin jeung loba pisan kulawarga nu paburantak. Jelas, pandangan dunya nu teu ngajénan perkawinan téh hal nu bodo. w19.05 23 ¶12

Minggu, 5 Séptémber

Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya.​—Rum 12:2.

Paulus mépélingan urang Kristen lantaran aya nu katingalina geus kapangaruhan ku cara pikir jeung palsapah nu salah ti dunya Sétan. (Epe. 4:​17-19) Urang ogé bisa kapangaruhan. Sétan, allah dunya ieu, keur bébéakan nyimpangkeun urang ti Yéhuwa ku rupa-rupa taktik. Salah sahijina, Sétan ngagunakeun kacondongan urang pikeun dianggap penting atawa kasohor. Manéhna bisa jadi ngagunakeun pangalaman, kabudayaan, atawa pendidikan urang pikeun mangaruhan urang sangkan boga cara pikir siga manéhna. Naha urang bisa miceun hal-hal nu geus napel pageuh dina pikiran urang? (2 Kor. 10:4) Ceuk Paulus, urang bisa ”ngaruntuhkeun tiap-tiap sipat sombong [”cara pikir”, NW] anu ngadingding ngahalangan kanyaho ka Allah, sarta nalukkeun saniskara pipikiran sangkan aranut ka Kristus”. (2 Kor. 10:5) Ku bantuan Yéhuwa, urang bisa nyingkirkeun cara pikir nu salah. w19.06 8 ¶1-3

Senén, 6 Séptémber

Keur kaula mah raket ka Allah teh kacida hadena; ka PANGERAN Nu Maha Agung kaula seja nyalindung.​—Jab. 73:28.

Waktu keur strés pisan, Hana, Daud, jeung nu nulis jabur ngandelkeun bantuan Yéhuwa. Maranéhna ngungkabkeun kahariwanganana liwat doa nu husu. Maranéhna gé teu asa-asa nyaritakeun sagala hal nu nyababkeun maranéhna sakitu strésna. Tuluy, maranéhna teu eureun indit ka tempat ibadah. (1 Sam. 1:​9, 10; Jab. 55:23; 73:17; 122:1) Yéhuwa nyaaheun ka maranéhna, doana dijawab hiji-hiji. Pikiran Hana jadi tengtrem. (1 Sam. 1:18) Daud nulis, ”Jalma bener memang loba kasusahna, tapi pasti ku PANGERAN dijait tina sakabeh karerepetna.” (Jab. 34:20) Nu nulis jabur gé ngarasa yén ’leungeunna dicepeng’ ku Yéhuwa ku cara dipasihan bingbingan nu hadé. (Jab. 73:​23, 24) Naon palajaranana keur urang? Sakapeung, urang boga masalah nu beurat pisan nu ngalantarankeun urang strés. Tapi, urang bisa nyanghareupanana lamun ngalenyepan cara Yéhuwa nulungan batur, ngandelkeun Mantenna ku cara ngadoa, jeung taat kana paréntah-Na.—Jab. 143:​1, 4-8. w19.06 17-18 ¶14-​15

Salasa, 7 Séptémber

Sanajan nepi ka nyandang lara ge ari ku karana nyieun kahadean mah kacida untungna!​—1 Pet. 3:​14.

Ulah nepi ka omongan jeung tindakan batur nyababkeun urang ngarasa éra jadi Saksi-Saksi Yéhuwa. (Mika 4:5) Perhatikeun tuladan para rasul di Yérusalém teu lila sanggeus Yésus maot. Maranéhna apal yén para pamingpin agama Yahudi ngéwa pisan ka maranéhna. (Ras. 5:​17, 18, 27, 28) Tapi, unggal poé maranéhna ka bait pikeun ngawawar. Éta nunjukkeun yén maranéhna téh murid Yésus. (Ras. 5:42) Maranéhna teu borangan. Urang gé bisa miceun kasieun urang ku cara méré nyaho batur urang téh Saksi Yéhuwa, teu sual di tempat gawé, di sakola, atawa ka tatangga. (Ras. 4:29; Rum 1:16) Ku naon para rasul ngarasa bungah? Lantaran paham ku naon maranéhna dipikageuleuh. Maranéhna nganggap dipikageuleuh lantaran ngalakukeun kahoyong Yéhuwa téh kahormatan. (Luk. 6:23; Ras. 5:41; 1 Pet. 2:​19-​21) Lamun paham urang dipikageuleuh lantaran ngalakukeun nu bener, urang moal sieun tapi terus ngawula Yéhuwa. w19.07 7 ¶19-​20

Rebo, 8 Séptémber

Najan keur poe Sabat oge Hukum Agama urang ngidinan ari nulungan ka sasama hirup mah.​—Mat. 12:12.

Yésus jeung murid-muridna nu Yahudi ngajalankeun Sabat lantaran maranéhna di bawah Hukum Musa. Tapi tina ucapan jeung tindakanana, Yésus nunjukkeun yén ngajalankeun Sabat téh kudu asup akal. Jadi, teu masalah mun rék nyieun kahadéan jeung nulungan batur mah. (Mat. 12:​9-​11) Anjeunna teu nganggap hal éta ngalanggar Sabat. Tina tindakan Yésus, urang nyaho alesan pangpentingna dina ngajalankeun Sabat, nyaéta supaya umat Allah bisa leuwih mikirkeun hal-hal rohani lantaran reureuh tina pagawéan sapopoé. Yésus digedékeun ku kulawarga nu ngajalankeun Sabat pikeun ibadah. Urang nyaho hal ieu tina ayat nu nyaritakeun ngeunaan Yésus basa anjeunna keur aya di lemburna, Nasarét, ”Dina poe Sabat [Yésus] angkat ka imah ibadah sakumaha kabiasaana-Na.” (Luk. 4:​15-19) Murid-murid anjeunna gé ngahormatan hukum Sabat. Waktu keur nyiapkeun rampé jeung minyak seungit keur mayit Yésus, maranéhna reureuh heula dina poé Sabat.​—Luk. 23:​55, 56. w19.12 4 ¶10

Kemis, 9 Séptémber

[Maranéh] tuna harepan.​—Epe. 2:​12.

Kabéh urang Kristen kalibet dina néangan jalma nu daék jadi murid. Éta diibaratkeun kawas néangan budak leutik nu leungit. Pikirkeun kajadian nyata ieu, aya budak nu umurna tilu taun indit ti imah tuluy kasasab. Kurang leuwih 500 jalma mantuan néangan budak éta. Ahirna, sanggeus kira-kira 20 jam budak éta kapanggih di kebon jagong. Tapi, jalma nu manggihan budak éta embung dipuji. Ceuk manéhna, ”Budak ieu kapanggih ku upaya ratusan jalma.” Loba jalma siga budak éta. Maranéhna kasasab, teu boga harepan, jeung hayang ditulungan. Leuwih ti dalapan juta jalma kalibet dina néangan jalma-jalma siga kitu. Meureun can aya nu daék diajar Alkitab jeung Sadérék. Tapi, aya pawarta séjén di daérah Sadérék nu manggihan jalma nu daék diajar bebeneran tina Firman Allah. Waktu aya nu manggihan jalma nu pijadieun murid Kristus, kabéh nu milu néangan ngarasa bungah. w19.07 16-​17 ¶9-​10

Jumaah, 10 Séptémber

Ngudag teh junun ka anu jadi tujuan.​—Pil. 3:​14, ”SF”.

Rasul Paulus ngingetan urang Kristen di Pilipi sangkan tetep tabah jeung terus ngawula Yéhuwa. Ti mimiti diadegkeun, sidang éta geus nyanghareupan tangtangan. Éta kabéh dimimitian basa Paulus jeung Silas nuturkeun pituduh Allah pikeun ”sumping ka Makedoni”. (Ras. 16:9) Maranéhna nepi di Pilipi kira-kira taun 50 M. Di dinya, maranéhna panggih jeung Lidia nu ”hatena digerakkeun ku Gusti, [jeung] kacida ngaregepkeunana” kana warta hadé. (Ras. 16:14) Teu lila, Lidia jeung kulawargana dibaptis. Tapi, Sétan teu cicing waé. Paulus jeung Silas diséréd ku priya-priya di kota éta ka pajabat pamaréntah Rum tuluy dituduh nyieun karusuhan. Balukarna, Paulus jeung Silas digebugan, dipanjarakeun, jeung dijurung indit ti éta kota. (Ras. 16:​16-40) Naha maranéhna nyerah? Henteu! Kumaha jeung sadérék-sadérék nu aya di sidang nu anyar éta? Hadéna téh maranéhna ogé tetep tabah! Pasti maranéhna kajurung ku tuladan Paulus jeung Silas. w19.08 2 ¶1-2

Saptu, 11 Séptémber

Leuwih loba ngalampahkeun hal nu bener.​—Pil. 1:​11, ”NW”.

Nu kaasup ”hal nu bener” téh tangtuna kanyaah ka Yéhuwa jeung ka umat-Na. Éta ogé kaasup nyaritakeun iman ngeunaan Yésus jeung harepan urang nu éndah dina mangsa kahareup. Urang ngalampahkeun ”hal nu bener” lamun terus sibuk ngalakukeun tugas penting pikeun ngajadikeun murid. (Mat. 28:​18-​20) Teu sual kaayaanana, urang tetep bisa jadi ”saibarat bentang-bentang anu nyaangan” dunya. Sakapeung, naon nu katingalina hahalang malah jadi kasempetan pikeun méré kasaksian. Contona Rasul Paulus, manéhna keur jadi tahanan imah di Rum waktu nulis surat ka jamaah Pilipi. Tapi, éta teu ngahalangan manéhna pikeun ngawawar ka nu ngajagana jeung ka nu daratang. Paulus tetep sumanget méré kasaksian. Dulur-dulur saimanna gé jadi ”leuwih yakin percayana ka Gusti, jeung jadi leuwih warani nguarkeun eta amanat Allah”.​—Pil. 1:​12-​14; 4:​22. w19.08 12 ¶15-​16

Minggu, 12 Séptémber

Kudu ngarendahkeun maneh kana panangan Allah nu ngagem kawasa, supaya ari geus dina waktuna aranjeun ku Mantenna dijungjung.​—1 Pet. 5:​6.

Alesan utama urang ngamekarkeun karendahan haté lantaran éta nyenangkeun Yéhuwa. Rasul Pétrus ngajelaskeun hal ieu waktu nulis kekecapan poé ieu. Ngeunaan kekecapan Pétrus, buku ”Mari Jadilah Pengikutku” pasal 3, paragrap 23 nyebutkeun yén kasombongan téh siga racun. Pangaruhna bener-bener ngaruksak. Jalma nu boga loba pangabisa jadi euweuh gunana di payuneun Yéhuwa. Tapi, lantaran rendah haté, jalma nu dianggap leutik bisa kapaké pisan ku Yéhuwa. Allah resep ngaberkahan jalma nu rendah haté. Tangtu teu aya nu leuwih hadé ti batan ngabungahkeun haté Yéhuwa! (Sil. 23:15) Salian ti nyenangkeun Yéhuwa, urang gé bakal meunang loba mangpaat lamun ngamekarkeun karendahan haté. Jalma-jalma resep deukeut jeung nu rendah haté. Naon sababna? Pék pikirkeun, Sadérék resep babarengan jeung jalma nu siga kumaha?​—Mat. 7:12. w19.09 4 ¶8-9

Senén, 13 Séptémber

Nu arangkuh jadi kacua PANGERAN.​—Sil. 16:5.

Para kokolot satékah polah ngabantu dulur-dulur saiman. Sanajan boga wewenang, maranéhna teu ngarasa leuwih unggul ti batur. Sabalikna, maranéhna lemah lembut ka anggota sidang. (1 Tes. 2:​7, 8) Lantaran rendah haté jeung nyaah pisan ka batur, kokolot bakal ngomong ku cara nu lemah lembut. Andre, kokolot nu geus pangalaman, nyarita, ”Abdi merhatikeun, lamun kokolot bageur jeung soméah, dulur-dulur saiman bakal kageuing haténa. Lamun kokolot némbongkeun sipat-sipat ieu, sidang kajurung pikeun ngadukung kokolot.” Toni, nu geus lila jadi kokolot, nyarita, ”Abdi sabisa-bisa ngalarapkeun naséhat dina Pilipi 2:3 jeung ngupayakeun pikeun terus nganggap batur leuwih unggul ti batan abdi. Ku kituna, abdi henteu siga diktator.” Kokolot kudu rendah haté saperti Yéhuwa nu rendah haté. Yéhuwa téh Pangawasa nu Maha Agung sajagat raya, tapi Mantenna kersa ”dongko” pikeun ”nyengkatkeun anu miskin tina lebu”. (Jab. 18:36; 113:​6, 7) Yéhuwa geuleuh ka jalma nu sombong jeung adigung. w19.09 16-​17 ¶11-​12

Salasa, 14 Séptémber

Geura pake,​—​ku maraneh​—​ieu pasangan Kami.​—​Mat. 11:​29, ”SF”.

Urang bisa tetep disegerkeun waktu manggul pasangan ti Yésus lamun boga pandangan nu bener. Urang ngalaksanakeun pagawéan ti Yéhuwa, jadi kudu nuturkeun carana Yéhuwa. Urang pagawéna, jeung Yéhuwa Dununganana. (Luk. 17:10) Lamun maké cara sorangan, urang bakal susah sorangan. Sabalikna, urang bakal bisa ngahontal hal-hal nu luar biasa jeung nyanghareupan hahalang naon waé asal nuturkeun bingbingan Yéhuwa. Euweuh nu bisa ngahalangan kahoyong Yéhuwa laksana! (Rum 8:31; 1 Yoh. 4:4) Urang réla manggul pasangan ti Yésus lantaran hayang ngamulyakeun Yéhuwa, Bapa urang nu nyaahan. Dina abad kahiji, jalma nu sarakah jeung mentingkeun diri ka dieunakeun jadi teu resep manggul pasangan ti Yésus jeung ninggalkeun anjeunna. (Yoh. 6:​25-27, 51, 60, 66; Pil. 3:​18, 19) Sabalikna, jalma nu motifna bener jeung teu mentingkeun diri, nyaéta nu nyaah ka Allah jeung ka sasama, resep manggul pasangan saumur hirupna, sarta boga harepan pikeun ngawula bareng jeung Kristus di sawarga. Kitu ogé, urang bakal terus bungah lamun manggul pasangan ti Yésus ku motif nu bener. w19.09 20 ¶1; 24-​25 ¶19-​20

Rebo, 15 Séptémber

Aranjeun ge baris terang kana kayaktian, anu baris ngamerdikakeun aranjeun.​—Yoh. 8:​32, ”SF”.

Pikirkeun ogé berkah nu ditarima ku Sadérék lantaran dibébaskeun tina pangajaran palsu. Urang tangtu bungah pisan! Urang ngarep-ngarep datangna kabébasan nu leuwih gedé. Sakeudeung deui, Yésus bakal nyingkirkeun agama palsu jeung pamaréntahan manusa nu jahat. Allah bakal ngalindungan ’jelema nu kacida lobana’, tuluy Mantenna bakal ngaberkahan maranéhna di bumi pirdaus. (Wahyu 7:​9, 14) Loba pisan jalma bakal dihirupkeun deui jeung boga kasempetan pikeun dibébaskeun tina balukar dosa Adam. (Ras. 24:15) Salila Pamaréntahan Sarébu Taun, Yésus jeung nu nyarengan anjeunna maréntah bakal ngabantu umat manusa pikeun boga kaséhatan nu sampurna jeung bisa diaku sabagé putra-putra Allah deui. Éta téh mangsa pikeun mulihkeun jeung ngabébaskeun manusa saperti taun Yobél dina jaman Israil. Hasilna, kabéh nu satia ngawula Yéhuwa bakal jadi manusa sampurna nu bébas tina dosa. w19.12 12-​13 ¶14-​16

Kemis, 16 Séptémber

Anjeunna dibantu dikenalkeun ku Barnabas.​—Ras. 9:27.

Dina abad kahiji M, saurang priya nu béréhan nu ngaranna Yusup (nu disebut Barnabas) ngarélakeun diri pikeun digunakeun ku Yéhuwa. (Ras. 4:​36, 37) Sanggeus Saulus jadi Kristen, loba dulur saimanna sarieuneun ka manéhna lantaran manéhna katelah sok nganiaya sidang Kristen. Tapi, Barnabas ngalilipur jeung ngabantu Saulus. (Ras. 9:​21, 26-28) Ka dieunakeun, para kokolot di Yérusalém hayang nguatkeun dulur-dulur saiman di tempat nu jauh, nyaéta di Antioki Siria. Saha nu diutus? Barnabas! Éta pilihan nu cocog. Dina Alkitab disebutkeun yén maranéhna ”dipeupeujeuhan supaya enya-enya satia satuhu ka Gusti” ku Barnabas. (Ras. 11:​22-24) Kitu ogé kiwari, Yéhuwa bisa ngabantu urang jadi ”panglipur” pikeun dulur saiman. Misalna, Mantenna bisa ngagunakeun urang pikeun ngalilipur jalma nu ditinggal maot ku nu dipikanyaah. Bisa ogé Mantenna ngageuing urang pikeun nganjangan atawa nelepon dulur saiman nu keur gering atawa loba masalah tuluy nepikeun kekecapan nu ngagedékeun haté. Naha Sadérék réla digunakeun ku Yéhuwa saperti Barnabas?—1 Tes. 5:14. w19.10 22 ¶8

Jumaah, 17 Séptémber

Mun hayang dipikaresep, kudu daek ngahampura batur nu salah ka urang. Ngunek-ngunek bae kana kasalahanana mah keur nyobat ge bisa pegat.​—Sil. 17:9.

Waktu dines bareng jeung dulur saiman, urang teu ngan saukur ningali sipat hadéna tapi ogé sipat goréngna. Lamun kitu, urang kudu kumaha? Perhatikeun deui tuladan Yérmia. Kumaha manéhna bisa leuwih merhatikeun kahadéan ti batan kalemahan batur? Tangtu urang teu bisa ngarepkeun dulur-dulur saiman urang sampurna. Sakalina urang boga sobat, urang kudu ngajaga sosobatan urang tetep kuat. Lamun sobat urang nyieun salah, urang bisa jadi kudu méré naséhat nu lemah lembut tapi terus terang tina Firman Allah. (Jab. 141:5) Jeung lamun urang nyeri haté ku manéhna, urang kudu daék ngahampura manéhna. Mun geus dihampura, tong diutik-utik deui kahareupna. Dina mangsa nu susah ieu, penting pisan pikeun mikirkeun kahadéan dulur saiman lain kalemahanana! Lamun kitu, sosobatan urang jeung manéhna jadi beuki kuat. Éta téh penting lantaran urang butuh sobat salila mangsa cilaka. w19.11 6 ¶13, 16

Saptu, 18 Séptémber

Jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami, . . . Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh.​—Mat. 28:​19, 20.

Waktu ngayakeun palajaran Alkitab, urang hayang sabisa-bisa ngabantu jalma-jalma pikeun ’jadi murid jeung ngalakonan sagala perkara anu ku Yesus geus diparentahkeun’. Urang kudu ngabantu maranéhna paham pentingna mihak ka Yéhuwa jeung Karajaana-Na. Ieu hartina urang kudu ngajurung maranéhna ngalarapkeun bebeneran, ngabaktikeun diri ka Yéhuwa, tuluy dibaptis. Ku kituna, maranéhna bisa salamet dina poé Yéhuwa. (1 Pet. 3:21) Ahir dunya téh geus téréh jeung waktuna tinggal saeutik deui. Éta sababna, urang embung méakkeun waktu pikeun ngajarkeun Alkitab ka jalma nu teu daék ngarobah hirupna pikeun jadi murid Kristus. (1 Kor. 9:26) Pagawéan urang téh penting pisan! Aya loba kénéh jalma nu kudu dibéré nyaho ngeunaan warta Karajaan meungpeung aya kénéh waktu. w19.10 11-​12 ¶14-​15

Minggu, 19 Séptémber

Sanggeus aya di pangdeuheusan ka PANGERAN, eta seuseungitan asupkeun kana parukuyan.​—Ima. 16:13.

Unggal taun dina Poé Pangampura Dosa, bangsa Israil bakal ngumpul pikeun méré sato kurban. Kurban ieu ngingetan bangsa Israil yén maranéhna téh kudu dibersihkeun tina dosa! Mimitina, imam agung boga tugas ngasupkeun seuseungitan kana ruhak, jadi éta rohangan téh bauna seungit. Ti dinya, urang bisa diajar naon? Dina Alkitab, doa-doa ti hamba-hamba Yéhuwa nu satia téh disaruakeun jeung dupa atawa seuseungitan. (Jab. 141:2; Wahyu 5:8) Imam agung mawa seuseungitan ka payuneun Yéhuwa ku rasa hormat. Kitu ogé, urang ngadoa ka Yéhuwa téh ku rasa hormat. Urang tajub jeung ngajénan pisan ka Nu Nyipta lantaran urang diidinan ngaraket ka Mantenna, siga anak ka bapana. (Yak. 4:8) Mantenna kersa misobat ka urang! (Jab. 25:14) Urang bener-bener ngahargaan hak istiméwa ieu jeung embung nguciwakeun Mantenna. w19.11 20-​21 ¶3-5

Senén, 20 Séptémber

Sakitu pepekna dadamelan Gusti, nun PANGERAN! eta sadayana dipidamelna estu kalayan binangkit, bumi teh pinuh ku saniskara ciciptan Gusti.​—Jab. 104:24.

Kumaha pandangan jalma-jalma di sakurilingeun Sadérék kana pagawéan? Ayeuna di loba nagri, jalma-jalma saribuk pisan jeung durduran digawé. Maranéhna jadi teu boga waktu keur istirahat, keur kulawarga, jeung keur nyumponan pangabutuh rohanina. (Pan. 2:23) Tapi, aya ogé jalma nu pangedulan jeung boga loba alesan supaya teu digawé. (Sil. 26:​13, 14) Yéhuwa jeung Yésus boga pandangan nu béda jeung jalma-jalma di dunya ieu. Geus pasti Yéhuwa mah resep digawé. Buktina Yésus nyebutkeun, ”Rama Kaula teu kendat barangdamel nepi ka ayeuna, Kaula oge kudu kitu.” (Yoh. 5:17) Bayangkeun padamelan nu dilakukeun ku Allah waktu nyiptakeun mahluk-mahluk nu teu kaitung lobana jeung jagat raya anu agréng. Acan deui sakitu lobana ciciptaan di bumi nu éndah nu dicicingan ku urang. w19.12 2 ¶1-2

Salasa, 21 Séptémber

Kami manggihan Daud téh . . . jalma nu nyenangkeun haté Kami.​—Ras. 13:​22, ”NW”.

Kumaha Daud bisa sakitu raketna jeung Yéhuwa? Daud diajar ngeunaan Yéhuwa tina ciciptaan. Basa keur ngora, Daud sering cicing di luar imah, ngangon domba bapana. Meureun ti harita, Daud osok ngalenyepan ciciptaan Yéhuwa. Misalna, waktu Daud tanggah ka langit peuting-peuting, manéhna teu ngan saukur ningali rébuan béntang, tapi ogé ngalenyepan sipat-sipat Pribadi nu nyiptakeunana. (Jab. 19:​2, 3) Waktu Daud mikirkeun carana manusa diciptakeun ku Yéhuwa, manéhna sadar kacida hébatna hikmat Yéhuwa. (Jab. 139:14) Manéhna gé sadar sakumaha leutikna manéhna dibandingkeun jeung Yéhuwa. (Jab. 139:6) Naon palajaranana? Unggal poé, lenyepan ciciptaan nu aya di sakurilingeun Sadérék: pepelakan, sasatoan, jeung jalma-jalma. Éta kabéh ngajar Sadérék ngeunaan Yéhuwa. Ku kituna, unggal poé Sadérék bakal diajar hal-hal nu anyar ngeunaan Bapa nu nyaah ka Sadérék. (Rum 1:​20) Jeung unggal poé Sadérék gé bakal beuki nyaah ka Mantenna. w19.12 19-​20 ¶15-​17

Rebo, 22 Séptémber

Ku karana percaya, Musa sanggeus cukup yuswa teu kersaeun disebut putrana putri raja Mesir.​—Ibr. 11:24.

Musa milih ngawula ka Allah. Basa umurna kira-kira 40 taun, Musa milih ngagabung jeung umat Allah, urang Ibrani, ti batan diaku ”putrana putri raja Mesir”. Musa ngorbankeun kadudukanana nu luhur. Ku lantaran mihak ka urang Ibrani, nu jadi badéga di Mesir, Musa nyaho Piraon bakal ambek pisan. Piraon téh raja nu gedé kawasana malah dianggap déwa ku urang Mesir. Ieu ngabuktikeun yén Musa percaya pisan ka Yéhuwa! Ku lantaran ngandel ka Yéhuwa, Musa bisa terus nyobat jeung Mantenna. (Sil. 3:5) Naon palajaranana? Siga Musa, urang kabéh kudu nyieun putusan: Naha urang rék milih ngawula ka Allah sarta ngagabung jeung umat-Na? Meureun urang kudu nyieun pangorbanan supaya bisa ngawula ka Allah. Urang gé bisa waé ditentang ku jalma-jalma nu teu wanoh ka Yéhuwa. Tapi lamun urang percaya ka Bapa nu di sawarga, urang yakin bakal ditangtayungan ku Mantenna! w19.12 17 ¶5-6

Kemis, 23 Séptémber

Manusa, dipidamelna ku GUSTI Allah teh nya eta tina taneuh. Sanggeus diwangun mangrupa jelema, tuluy ditiupkeun napas anu matak hirup kana liang irungna.​—Kaj. 2:7.

Sanajan urang dijieun tina taneuh, urang téh jauh leuwih luhur nilaina ti batan taneuh sakeupeul. Pikirkeun sababaraha alesan nu ngayakinkeun urang yén urang téh dianggap penting ku Yéhuwa. Manusa diciptakeun boga sipat-sipat nu nyeplés jeung Mantenna. (Kaj. 1:27) Ku kituna, urang diciptakeun leuwih luhur ti batan sakabéh ciciptaan di bumi. Urang gé dititah ngawasa bumi jeung sakabéh sasatoan. (Jab. 8:​5-9) Sanggeus Adam nyieun dosa gé, manusa masih dihargaan ku Yéhuwa. Mantenna nganggap urang sakitu pentingna nepi ka réla ngorbankeun Yésus, Putra-Na nu dipikanyaah, pikeun nebus dosa urang. (1 Yoh. 4:​9, 10) Ku ayana tebusan, Yéhuwa bakal ngahirupkeun deui jalma-jalma nu maot lantaran dosa Adam, ”boh nu bageur, boh nu jahat”. (Ras. 24:15) Firman-Na nunjukkeun yén urang dianggap penting ku Mantenna, teu sual kaséhatan urang, kaayaan ékonomi urang, jeung umur urang.—Ras. 10:​34, 35. w20.01 15 ¶5-6

Jumaah, 24 Séptémber

Ulah campur kana urusan batur.​—1 Tes. 4:​11.

Jalma nu diistrénan teu ngawarisan harepan ka sawarga ti kulawargana. Manéhna narima éta ti Allah. (1 Tes. 2:12) Urang gé ulah nanyakeun hal-hal nu bisa nganyenyeri haté. Misalna, ulah nanya ka pamajikan ti saurang sadérék nu diistrénan kumaha parasaanana hirup langgeng di bumi tapi teu bareng jeung salakina. Urang bisa bener-bener yakin yén di dunya anyar Yéhuwa bakal ”nyumponan kabutuh sakumna mahluk”. (Jab. 145:16) Lamun urang teu nganggap jalma nu diistrénan leuwih penting ti batan nu séjénna, urang ngalindungan diri sorangan. Naha? Alkitab nyebutkeun bisa jadi aya jalma nu diistrénan nu teu satia deui. (Mat. 25:​10-12; 2 Pet. 2:​20, 21) Tapi lamun urang teu ”ngugung-ngugung” jalma, urang moal ngajadikeun jalma sabagé panutan urang, sanajan manéhna téh diistrénan, sadérék nu dikenal ku loba jalma, atawa nu geus lila ngawula Yéhuwa. (Yud. 16) Salian ti éta, lamun maranéhna teu satia deui atawa ninggalkeun sidang, urang moal kabawa eureun ngawula Yéhuwa atawa pecat iman. w20.01 29 ¶9-​10

Saptu, 25 Séptémber

Aranjeun geus diangken putra jeung dipikaasih ku Allah, jadi kudu nulad ka Mantenna.​—Epe. 5:1.

Salaku ’putra nu dipikaasih’ ku Yéhuwa, urang sabisa-bisa nyonto Mantenna. Urang nyonto sipat-sipat-Na nu nyaahan, bageur, jeung réla ngahampura kasalahan batur. Waktu ningali laku lampah urang nu hadé, jalma-jalma nu can kenal ka Allah bisa kajurung pikeun diajar ngeunaan Mantenna. (1 Pet. 2:12) Indung bapa kudu nyonto Yéhuwa dina ngurus barudak. Lamun éta dilakukeun, barudak bisa jadi hayang nyobat jeung Bapa Yéhuwa. Urang reueus ka Bapa Yéhuwa di sawarga jeung hoyong nyaritakeun ngeunaan Mantenna ka batur. Ti jero haté, parasaan urang sarua jeung Raja Daud nu nulis, ”Seja muji sugri padamelana-Na.” (Jab. 34:3) Tapi, kumaha lamun urang éraan? Kumaha urang bisa wani? Urang bakal leuwih wani lamun terus mikirkeun sakumaha bagjana Yéhuwa waktu urang nyaritakeun ngeunaan Mantenna jeung mikirkeun sakumaha gedé mangpaatna keur batur. Yéhuwa gé bakal masihan kawani. Mantenna tos ngabantu dulur-dulur saiman dina abad kahiji jadi wani, urang gé pasti dibantu.​—1 Tes. 2:2. w20.02 11 ¶12; 13 ¶13

Minggu, 26 Séptémber

Ku sabab eta datangan jalma-jalma . . .  jaradikeun murid Kami, baptis.​—Mat. 28:19.

Loba palajar Alkitab nu nyieun kamajuan tuluy dibaptis. Tapi aya ogé nu rutin diajar jeung urang tapi asa-asa jadi murid Yésus. Maranéhna resep diajar tapi teu nyieun kamajuan pikeun dibaptis. Lamun Sadérék keur ngajarkeun Alkitab ka saurang jalma, Sadérék pasti hayang ngabantu manéhna ngalarapkeun naon nu geus diajarkeun jeung jadi murid Kristus. Yéhuwa hoyong jalma-jalma ngawula Mantenna lantaran nyaah ka Mantenna. Jadi, tujuan urang téh nyaéta ngabantu palajar Alkitab paham yén Yéhuwa perhatian jeung nyaah pisan ka manéhna pribadi. Urang hayang ngabantu manéhna nganggap Yéhuwa téh ”Bapa keur para pahatu jeung nu ngaraksa randa-randa”. (Jab. 68:​5, NW) Lamun palajar Alkitab ngahargaan kanyaah Allah ka manéhna, haténa bakal kageuing jeung jadi mingkin nyaah ka Mantenna. Bantu palajar Alkitab Sadérék paham yén Allah nu nyaah ka manéhna hoyong manéhna hirup langgeng sarta siap ngabantu manéhna meunangkeun hal éta. w20.01 3 ¶7-8

Senén, 27 Séptémber

Kanyaah anjeun ka dulur-dulur saagama teh estu matak bingah sareng ngareugreugkeun hate kaula.—Pilm. 7.

Rasul Paulus rendah haté. Manéhna néangan jeung narima panglilipur ti sobat-sobatna. Manéhna teu éra ngomong yén manéhna geus dililipur ku sobat-sobatna waktu keur strés. (Kol. 4:​7-11) Mun urang rendah haté jeung ngaku yén urang téh butuh dililipur, dulur-dulur saiman bakal resep méré dukungan nu dibutuhkeun ku urang. Paulus apal Kitab Suci bakal ngalilipur. (Rum 15:4) Ayat-ayat dina Kitab Suci ogé bakal ngabantu manéhna bijaksana waktu keur aya masalah. (2 Tim. 3:​15, 16) Basa keur dipanjara nu kadua kalina di Rum, Paulus ménta Timoteus gancang ngadatangan manéhna bari mawa ”kitab-kitab”. (2 Tim. 4:​6, 7, 9, 13, SF) Naon sababna? Lantaran katingalina kitab-kitab éta téh bagian tina Kitab-Kitab Ibrani nu dipaké keur palajaran pribadina. Lamun urang rutin diajar Firman Allah saperti Paulus, Yéhuwa bakal ngagunakeun ayat-ayat pikeun ngalilipur urang, teu sual naon masalah nu keur disanghareupan. w20.02 23-24 ¶14-15

Salasa, 28 Séptémber

Ulah ngahukuman batur, supaya maraneh ulah dihukuman ku Allah.—Mat. 7:1.

Élipas, Bildad, jeung Sopar teu mikirkeun cara pikeun ngalilipur Ayub. Maranéhna kalah ka néangan cara pikeun ngabuktikeun yén Ayub geus nyieun kasalahan. Mémang aya omonganana nu bener, tapi kalolobaan omongan maranéhna ngeunaan Ayub jeung Yéhuwa téh teu bener jeung nganyenyeri. Maranéhna nuduh Ayub téh jalma teu bener. (Ayub 32:​1-3) Kumaha tanggapan Yéhuwa? Mantenna ambek ka tilu jalma éta. Mantenna nyebut maranéhna barurung jeung nitah maranéhna ménta didoakeun ku Ayub. (Ayub 42:​7-9) Urang diajar loba hal tina conto goréng Élipas, Bildad, jeung Sopar. Kahiji, ulah nuduh dulur saiman. (Mat. 7:​2-5) Sabalikna, déngékeun heula bener-bener saacan urang ngomong. Ngan ku cara kitu urang bisa paham kaayaan maranéhna. (1 Pet. 3:8) Kadua, waktu ahirna urang ngomong, pastikeun yén kekecapan urang bener jeung ngagedékeun haté. (Epe. 4:25) Nu katilu, omongan urang ka batur diperhatikeun pisan ku Yéhuwa. w20.03 22-23 ¶15-16

Rebo, 29 Séptémber

Dina sagala perkara kudu neneda.​—Epe. 6:18.

Seringna mah waktu ngajar batur ngeunaan Yéhuwa, urang ogé jadi leuwih wanoh ka Mantenna. Misalna, urang bisa ngarasakeun welas asih Yéhuwa waktu Mantenna ngabingbing urang pikeun manggihan jalma-jalma nu boga sikep nu bener. (Yoh. 6:​44; Ras. 13:48) Urang bisa ningali kawasa Firman Allah waktu jalma-jalma nu diajar Alkitab eureun tina kabiasaan goréngna jeung boga kapribadian nu anyar. (Kol. 3:​9, 10) Urang gé bisa ningali bukti Allah téh sabar waktu Mantenna terus masihan kasempetan ka jalma-jalma di daérah urang pikeun diajar ngeunaan Mantenna jeung disalametkeun. (Rum 10:​13-​15) Teu sual geus sabaraha lila urang ngawula Yéhuwa, urang kudu terus ngahargaan sosobatan jeung Yéhuwa. Salah sahiji cara ngabuktikeun yén urang ngahargaan sosobatan jeung Yéhuwa nyaéta ngadoa ka Mantenna. Lamun hayang akrab jeung sobat, urang kudu sering ngobrol jeung manéhna. Jadi lamun hayang raket jeung Allah, sing sering ngadoa, ulah asa-asa ngungkabkeun parasaan jeung pikiran Sadérék. w19.12 19 ¶11, 13-​14

Kemis, 30 Séptémber

Dosa maraneh geus dihampura.​—1 Yoh. 2:12.

Urang tangtu kalilipur! Salaku Raja ti Karajaan Allah, Yésus bakal nyingkirkeun kabéh hal goréng nu dibalukarkeun ku Sétan jeung dunyana. (Yes. 65:17; 1 Yoh. 3:8; Wahyu 21:​3, 4) Urang jadi boga harepan nu éndah! Sanajan Yésus méré tugas nu teu gampang, anjeunna nyarengan jeung ngarojong urang salila poé-poé panungtungan. (Mat. 28:​19, 20) Ku kituna, urang jadi teger haté! Panglilipur, harepan, jeung kategeran téh hal-hal nu paling dibutuhkeun pikeun ngarasa tengtrem. Jadi, kumaha urang bisa tetep tengtrem pikiran sanajan ngalaman loba kasusah? Pék conto naon nu dilakukeun ku Yésus. Kahiji, ngadoa jeung ulah eureun. Kadua, taat ka Yéhuwa jeung sumanget ngawawar sanajan teu gampang. Katilu, narima bantuan ti sobat sangkan bisa nyanghareupan tangtangan. Ku kituna, katengtreman ti Allah bakal ngajaga haté jeung pikiran Sadérék. (Pil. 4:​6, 7) Saperti Yésus, Sadérék gé bisa ngéléhkeun sagala kasusah.​—Yoh. 16:33. w19.04 13 ¶16-​17

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun