PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es21
  • Oktober

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Oktober
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2021
  • Subjudul
  • Jumaah, 1 Oktober
  • Saptu, 2 Oktober
  • Minggu, 3 Oktober
  • Senén, 4 Oktober
  • Salasa, 5 Oktober
  • Rebo, 6 Oktober
  • Kemis, 7 Oktober
  • Jumaah, 8 Oktober
  • Saptu, 9 Oktober
  • Minggu, 10 Oktober
  • Senén, 11 Oktober
  • Salasa, 12 Oktober
  • Rebo, 13 Oktober
  • Kemis, 14 Oktober
  • Jumaah, 15 Oktober
  • Saptu, 16 Oktober
  • Minggu, 17 Oktober
  • Senén, 18 Oktober
  • Salasa, 19 Oktober
  • Rebo, 20 Oktober
  • Kemis, 21 Oktober
  • Jumaah, 22 Oktober
  • Saptu, 23 Oktober
  • Minggu, 24 Oktober
  • Senén, 25 Oktober
  • Salasa, 26 Oktober
  • Rebo, 27 Oktober
  • Kemis, 28 Oktober
  • Jumaah, 29 Oktober
  • Saptu, 30 Oktober
  • Minggu, 31 Oktober
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2021
es21

Oktober

Jumaah, 1 Oktober

PANGERAN teh teu weleh neuteup-neuteup ngawaskeun ka saalam dunya, seja maparin pitulung ka sing saha anu suhud hate ka Mantenna.​—2 Bab. 16:9.

Urang ningali loba bukti Yéhuwa ngajaga umat-Na kiwari. Pék pikirkeun: Urang ngawawarkeun jeung ngajarkeun bebeneran di sakuliah dunya. (Mat. 28:​19, 20) Hasilna, pagawéan Iblis nu jahat dibolékérkeun. Tangtu lamun bisa mah Sétan bakal ngeureunkeun kagiatan urang, tapi manéhna teu bisa. Jadi, ulah kasieunan ku roh-roh jahat. Lamun urang satia ka Yéhuwa, roh-roh jahat moal bisa nyilakakeun urang nepi ka urang teu bisa hirup langgeng. Tapi, urang kabéh kudu ngalawan roh-roh jahat jeung ngandel ka Yéhuwa. Lamun éta dilampahkeun, urang bakal narima loba berkah jeung moal disasabkeun ku kabohongan Sétan. Urang ogé moal kasieunan teuing nepi ka eureun ngawula Yéhuwa. Nu pangutamana, sosobatan urang jeung Yéhuwa bakal beuki kuat. Ceuk Yakobus, ”Iblis kudu dilawan, tangtu kabur ti aranjeun. Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui.”—Yak. 4:​7, 8. w19.04 24 ¶15; 25 ¶18

Saptu, 2 Oktober

Anak teh kurnia ti PANGERAN.​—Jab. 127:3.

Budak téh ”kurnia ti PANGERAN” nu geus dipercayakeun ka Sadérék. Sadérék kudu bener-bener ngajalankeun tanggung jawab ieu. Kumaha carana ngalindungan budak ti pelécéhan? Kahiji, téangan informasi ngeunaan pelécéhan. Sadérék perlu apal saha waé nu bisa ngalécéhkeun budak jeung cara-cara licik nu sok digunakeun. Sing waspada lamun aya kaayaan atawa jalma nu pibahayaeun. (Sil. 22:3; 24:3) Inget yén dina kalolobaan kasus, nu ngalécéhkeun téh jalma nu dikenal atawa dipercaya ku budak. Kadua, usahakeun sangkan budak bébas nyarita ka Sadérék. (Pam. 6:​6, 7; Yak. 1:19) Inget yén budak nu dilécéhkeun biasana sieun nyarita. Maranéhna bisa jadi sieun teu dipercaya, atawa diancam ku nu ngalécéhkeunana sangkan ngarasiahkeun kajadianana. Lamun Sadérék ngarasa aya nu anéh, tanya budak Sadérék ku cara nu lemah lembut tuluy déngékeun jawabanana sing sabar. Katilu, ajar budak Sadérék. Ajarkeun naon nu kudu diomongkeun atawa dilakukeun lamun aya nu cubak-cabak. w19.05 13 ¶19-​22

Minggu, 3 Oktober

Nu arangkuh jadi kacua PANGERAN.​—Sil. 16:5.

Ku naon Yéhuwa ijid pisan ka jalma nu angkuh? Salah sahijina, lantaran jalma nu boga sipat angkuh téh némbongkeun sipat Sétan nu sombong. Bayangkeun, Sétan nganggap Yésus kudu sujud jeung nyembah ka manéhna, padahal Yésus téh pribadi nu digunakeun ku Allah pikeun nyiptakeun sagala hal! (Mat. 4:​8, 9; Kol. 1:​15, 16) Sipat sombong éta jadi bukti yén hikmat dunya ieu téh hal nu bodo di payuneun Allah. (1 Kor. 3:​19) Tapi, Alkitab ngabantu urang boga pandangan nu saimbang ngeunaan diri sorangan. Alkitab nyebutkeun yén nyaah ka diri sorangan téh wajar. Ceuk Yésus, ”Kudu nyaah ka batur cara ka diri sorangan.” Ieu nunjukkeun yén urang kudu merhatikeun ogé kabutuhan diri sorangan. (Mat. 19:19) Tapi, Alkitab teu ngajarkeun yén urang kudu nganggap diri leuwih punjul ti batan batur. Sabalikna, Alkitab nyebutkeun, ”Dina ngalampahkeun naon bae ulah ku karana kapentingan pribadi, ulah kajurung ku hayang kapuji. Sabalikna sing silih hormatan, batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan.”—Pil. 2:3; Rum 12:3. w19.05 24 ¶13-​14

Senén, 4 Oktober

Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya . . . pikiran aranjeun barobah anyar sama sakali.​—Rum 12:2.

Inget-inget deui parobahan nu dilakukeun ku Sadérék basa mimiti narima bebeneran tina Firman Allah jeung mutuskeun pikeun ngawula Yéhuwa. Lolobana ti urang kudu miceun sababaraha kabiasaan nu salah. (1 Kor. 6:​9-11) Urang tangtu ngahargaan pisan lantaran Yéhuwa tos ngabantu urang miceun kalakuan nu salah éta! Tapi, ulah ngarasa teu kudu nyieun parobahan deui. Sanajan urang geus teu ngalakukeun dosa sérius saperti saacan urang dibaptis, urang kudu terus nyingkahan sagala hal nu bisa ngagoda urang balik deui ka kabiasaan baheula. Aya dua hal nu kudu dilakukeun. Kahiji, ”ulah miluan”, atawa ulah dibentuk ku dunya ieu. Kadua, cara pikir urang kudu ”barobah anyar sama sakali”. Parobahan téh teu ngan saukur parobahan nu katempo. Éta ngalibetkeun sagala hal dina kahirupan urang. Urang kudu ngarobah cara pikir urang, nyaéta watek, parasaan, jeung kahayang urang. w19.06 9 ¶4-6

Salasa, 5 Oktober

Abdi ditulung sareng dililipur ku Gusti.​—Jab. 86:17.

Lamun strés, urang bisa kuat deui lamun datang ka pasamoan. Yéhuwa jadi boga leuwih loba kasempetan pikeun ’nulung sareng ngalilipur’ urang. Mantenna nguatkeun urang liwat roh suci-Na, Firman-Na, jeung umat-Na. Dina pasamoan, urang bisa ”silih kuatkeun”. (Rum 1:​11, 12) Saurang sadérék nu ngaranna Sophia ngomong, ”Nu ngabantu abdi tabah téh Yéhuwa jeung dulur saiman. Abdi kabantu pisan ku pasamoan. Abdi ngarasa lamun beuki sibuk dina palayanan jeung sidang, abdi jadi teu pati strés jeung hariwang.” Waktu urang keur leutik haté, inget Yéhuwa teu ngan saukur jangji bakal ngaleungitkeun éta salilana dina mangsa kahareup, tapi ayeuna ogé Mantenna ngabantu urang sangkan teu strés deui. Mantenna ngabantu urang supaya ’daek jeung sanggup’ ngéléhkeun parasaan leutik haté jeung putus asa.—Pil. 2:13. w19.06 19 ¶17-​18

Rebo, 6 Oktober

Jung bejakeun ka dulur-dulur Kami yen kudu ka Galilea, engke tepung di ditu.​—Mat. 28:10.

Yésus pasti rék méré pituduh nu penting pisan ka para muridna lantaran ieu téh hal nu mimiti dilakukeun ku Yésus sanggeus anjeunna dihirupkeun deui! Sanggeus murid-muridna ngumpul, Yésus méré nyaho tugas penting nu kudu dilaksanakeun ku murid-muridna dina abad kahiji, ogé ku urang dina jaman ayeuna. Ceuk Yésus, ”Ku sabab eta datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami. . . . Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh.” (Mat. 28:​19, 20) Yésus hayang sakabéh muridna ngawawar. Paréntah ieu téh lain keur 11 rasulna wungkul. Naon buktina? Basa Yésus méré paréntah pikeun ngajadikeun murid, naha ngan rasul-rasulna wungkul nu datang ka gunung di Galiléa? Inget deui malaikat ngomong ka para wanita, ”Tangtu Anjeunna kapanggih ku maraneh di [Galiléa].” (Mat. 28:7) Jadi, sigana mah para wanita ogé daratang ka dinya. w20.01 2-3 ¶1-4

Kemis, 7 Oktober

Tapi maraneh mah ku Kami geus dicokot ti dunya, geus lain bogana deui, jadi dipikageuleuh.​—Yoh. 15:19.

Yésus ngajelaskeun alesanana urang bakal dikaniaya. Anjeunna nyebutkeun urang bakal dipikageuleuh lantaran teu kaasup ka dunya. Jadi, panganiayaan téh lain hartina Yéhuwa geus teu resep ka urang, éta justru nunjukkeun urang ngalakukeun nu bener! Tangtangan ti manusa teu bisa bener-bener ngeureunkeun ibadah urang ka Allah Nu Mahakawasa, Yéhuwa. Loba nu coba-coba, tapi gagal. Misalna waktu keur Perang Dunya II, pamaréntah di loba nagri bébéakan nganiaya umat Allah. Kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa teu saukur dilarang ku Nazi Jerman, pamaréntah Australia, Kanada, jeung nagri séjénna ogé ngalarang. Tapi, perhatikeun naon nu kajadian. Dina taun 1939 pas perang dimimitian, aya 72.475 pawarta di sakuliah dunya. Sanggeus bérés perang dina taun 1945, aya 156.299 pawarta. Jumlahna ningkat leuwih ti dua kali lipet! Ieu téh berkah ti Yéhuwa. w19.07 9 ¶4-5

Jumaah, 8 Oktober

Ku jalan silih pikanyaah jeung babaturan, bakal katara ka sarerea yen maraneh teh murid-murid Kami.​—Yoh. 13:35.

Sanajan can aya nu diajar Alkitab jeung Sadérék, Sadérék kalibet dina ngajadikeun murid ku cara séjén. Misalna, waktu aya jalma nu anyaran datang ka Balé Karajaan, Sadérék bisa ngabagéakeun jeung maturan manéhna. Lamun Sadérék némbongkeun kanyaah siga kitu, manéhna bakal ningali yén urang téh urang Kristen nu sajati. Koméntar Sadérék nu singget, wajar, jeung ngajénan batur, bisa jadi conto keur jalma nu anyaran. Sadérék ogé bisa ngajak dines pawarta anyar jeung ngabantu manéhna ngagunakeun ayat Alkitab waktu ngajar batur. Lamun hal-hal éta dilampahkeun, Sadérék ngajar manéhna miconto Kristus. (Luk. 10:​25-​28) Kiwari, loba urang Kristen sibuk ngurus hal-hal penting. Sanajan kitu maranéhna nyadiakeun waktu pikeun mandu palajaran Alkitab jeung ngarasa bungah. w19.07 17 ¶11, 13

Saptu, 9 Oktober

Nu geus kaliwat teh dipopohokeun, sateka-teka rek ngudag pikahareupeun.​—Pil. 3:​13, 14, ”SF”.

Rasul Paulus henteu terus mikirkeun kasuksésan atawa kasalahanana baheula nepi ka disimpangkeun tina ngawula Yéhuwa. Malah manéhna ngomong yén ”nu geus kaliwat teh dipopohokeun” ngarah bisa ’sateka-teka ngudag pikahareupeun’, nyaéta ngaréngsékeun pangbalapan. Naon waé nu bisa nyimpangkeun Paulus? Kahiji, kasuksésan nu geus dihontal saacan jadi urang Kristen. Tapi, éta kabéh dianggap ”runtah” ku manéhna. (Pil. 3:​3-8) Kadua, sanajan manéhna kaduhung geus nganiaya urang Kristen, éta henteu terus dipikiran nepi ka manéhna eureun ngawula Yéhuwa. Paulus tetep sibuk ngawawar sanajan manéhna dibui, digebugan, dibenturan ku batu, kapalna tilelep, sarta teu boga dahareun jeung pakéan. (2 Kor. 11:​23-27) Teu sual kaayaanana, Paulus nyaho manéhna kudu terus ngawula Yéhuwa. Urang gé kudu kitu. w19.08 3 ¶5

Minggu, 10 Oktober

Maraneh diutus teh lir domba nyampeurkeun ajag-ajag.​—Mat. 10:16.

Di loba nagri, sadérék-sadérék teu bébas ngawawar ti imah ka imah, jadi kudu néangan cara séjén pikeun nguarkeun warta hadé. (Mat. 10:​ 17-20) Di hiji nagri nu siga kitu, saurang pangawas wilayah méré saran sangkan pawarta ngawawar ka baraya, tatangga, batur sakola, batur gawé, jeung kawawuhanana. Éta jadi ”daérah” maranéhna. Dina waktu dua taun, jumlah sidang di wilayah éta nambahan loba. Bisa jadi di nagri urang mah urang bébas ngawawar. Tapi, urang bisa diajar ti sadérék-sadérék nu loba akal ieu: Terus téangan cara-cara pikeun sagemblengna ngalaksanakeun palayanan Sadérék. Sing yakin, Yéhuwa bakal masihan kakuatan pikeun nyanghareupan halangan naon waé. (Pil. 2:13) Dina mangsa nu penting ieu, mugia urang mastikeun hal-hal nu leuwih penting, taya cawadeunana, teu jadi hahalang nu matak batur titajong, jeung terus ngalampahkeun hal-hal nu bener. Ku kituna, kanyaah urang bakal beuki gedé jeung bisa ngamulyakeun Yéhuwa, Bapa urang nu nyaahan. w19.08 13 ¶17-​18

Senén, 11 Oktober

Kami kungsi nenjo jalma-jalma beulian tarumpak kuda, ari pangagung laleumpang cara jalma beulian.​—Pan. 10:7.

Urang biasana teu resep babarengan jeung jalma nu mawa karep sorangan jeung nu teu daék dibéjaan. Tapi, urang resep babarengan jeung dulur saiman lantaran maranéhna ’sapaham saperasaan, silih pikaheman, silih hadean, jeung silih elehan’. (1 Pet. 3:8) Urang resep babarengan jeung nu rendah haté. Maranéhna gé bakal resep babarengan jeung urang, asal urangna rendah haté. Lamun rendah haté, urang bakal leuwih gampang nyanghareupan masalah dina kahirupan. Sakapeung, urang bisa jadi ningali atawa ngalaman naon nu ceuk urang mah teu adil. Jalma nu boga kamampuh nu hébat can tangtu dihormat. Tapi, jalma nu biasa-biasa kalah ka dipuji. Sanajan kitu, Suléman sadar yén urang sakuduna bisa narimakeun kanyataan hirup jeung teu kudu keuheul. (Pan. 6:9) Lamun urang rendah haté, urang bakal leuwih daék narimakeun, moal ngarepkeun kahayang urang nu kudu laksana. w19.09 4-5 ¶9-​10

Salasa, 12 Oktober

Aranjeun nu jaradi kolot, . . . gedekeun anak teh make pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan.​—Epe. 6:4.

Jalma nu boga wewenang, saperti bapa, bisa méré mangpaat keur batur. Yéhuwa nugaskeun para bapa pikeun jadi kapala kulawarga, jeung Allah miharep para bapa ngalatih sarta ngadidik budakna. (1 Kor. 11:3) Tapi, wewenang saurang bapa aya watesna. Maranéhna kudu tanggung jawab ka Yéhuwa Nu Nyiptakeun kulawarga. (Epe. 3:​14, 15) Para bapa tunduk ka Yéhuwa lamun ngajalankeun wewenangna ku cara nu nyenangkeun Allah. Ulah nyalahgunakeun wewenang nu dipasihkeun ku Yéhuwa. Mun nyieun salah, pék ngaku jeung tarima naséhat batur tina Alkitab. Mun Sadérék rendah haté, kulawarga bakal ngajénan Sadérék. Waktu ngadoa bareng jeung kulawarga, budalkeun eusi haté Sadérék supaya maranéhna ngadéngé sakumaha ngandel Sadérék ka Yéhuwa. Nu pangpentingna, utamakeun palayanan Sadérék ka Yéhuwa. (Pam. 6:​6-9) Tuladan Sadérék téh hadiah panghadéna keur kulawarga. w19.09 15 ¶8; 17 ¶14; 18 ¶16

Rebo, 13 Oktober

Tarima lamun [Markus] ka dieu engke.​—Kol. 4:​10.

Markus resep ngalalayanan batur. Manéhna maturan Rasul Paulus jeung Rasul Pétrus nu keur ngajalankeun tanggung jawabna. Bisa jadi Markus ngurus kabutuhan sapopoé maranéhna. (Ras. 13:​2-5; 1 Pet. 5:13) Paulus nyebutkeun Markus téh jalma ”nu maturan [manéhna] ngalakonan gawe ngemban parentah Allah” jeung jalma nu ”kacida nulungna” atawa nu nguatkeun manéhna. (Kol. 4:​11) Markus jadi salah sahiji sobat deukeut Paulus. Misalna kira-kira taun 65 M, basa Paulus keur dipanjara nu pangahirna di Rum, manéhna nulis surat nu kadua ka Timoteus. Dina suratna, Paulus nitah Timoteus datang ka Rum bari mawa Markus sakalian. (2 Tim. 4:11) Sikep Markus nu daék ngaladénan tangtu dihargaan ku Paulus, éta sababna Paulus hayang Markus maturan manéhna dina waktu nu penting pisan ieu. Markus méré bantuan ka Paulus, meureun ku cara nyadiakeun dahareun jeung alat tulis. Bisa jadi lantaran geus didukung jeung dikuatkeun, Paulus bisa tabah dina poé-poé saacan manéhna dihukum pati. w20.01 11 ¶12-​13

Kemis, 14 Oktober

Hiap ka dieu ka Kami.​—Mat. 11:​28, ”SF”.

Sabagé urang Kristen, urang nyaho kudu nyieun pangorbanan jeung getol digawé. Yésus ogé ngélingan yén urang bakal dikaniaya. Tapi urang yakin Yéhuwa bakal masihan kakuatan pikeun nyanghareupan sagala cocoba. Beuki tabah, urang bakal beuki kuat. (Yak. 1:​2-4) Urang gé bisa yakin Yéhuwa bakal nyadiakeun pangabutuh urang, Yésus bakal ngurus urang, jeung dulur saiman bakal nguatkeun urang. (Mat. 6:​31-33; Yoh. 10:​14, 15; 1 Tes. 5:11) Awéwé nu boga kasakit ngagetih disegerkeun ti saprak manéhna dicageurkeun ku Yésus. (Luk. 8:​43-​48) Tapi, supaya bisa seger salilana, manéhna kudu satia jadi murid Kristus. Ceuk Sadérék, naon nu dilakukeun ku manéhna? Lamun manéhna milih pikeun manggul pasangan ti Yésus, bayangkeun pahalana! Manéhna bisa ngawula bareng jeung Yésus di sawarga! Pahala nu ditarima ku manéhna jauh leuwih gedé ti batan sakabéh pangorbananana. Teu sual urang boga harepan hirup langgeng di sawarga atawa di bumi, urang bungah pisan geus narima ondangan Yésus, ”Hiap ka dieu ka Kami.” w19.09 25 ¶21-​22

Jumaah, 15 Oktober

Hikmah jeung pangarti teh dasar ajegna rumah tangga.​—Sil. 24:3.

Lantaran butuh bantuan, baladna Daud datang ka Nabal, urang Israil nu beunghar. Tujuanna pikeun ménta saeutik dahareun. Maranéhna wani ménta lantaran osok ngajaga ingon-ingonna Nabal di tanah gurun. Tapi, Nabal nu égois teu daék méré. Daud kacida ambekna jeung rék maéhan Nabal tur kabéh lalaki di rumah tanggana. (1 Sam. 25:​2-13, 22) Tapi, pamajikan Nabal nu ngaranna Abigail mah nya geulis nya bijaksana. Abigail ngawanikeun manéh pikeun datang tuluy sujud ka Daud, ménta sangkan Daud ulah ngabales Nabal sarta maéhan jalma-jalma nu teu salah. Manéhna nyarankeun supaya masalahna dipasrahkeun ka Yéhuwa. Daud kageuing haténa ku kekecapan Abigail nu rendah haté jeung tindakanana nu bijaksana. Daud yakin Abigail diutus ku Yéhuwa. (1 Sam. 25:​23-28, 32-34) Abigail ngamekarkeun sipat-sipat nu alus, ku kituna, manéhna digunakeun ku Yéhuwa. Kitu ogé, sadérék istri nu diajar jadi bijaksana jeung diajar méré naséhat ku cara nu hadé bisa digunakeun ku Yéhuwa pikeun nguatkeun anggota kulawarga jeung sidang.​—Tit. 2:​3-5. w19.10 23 ¶10

Saptu, 16 Oktober

He umat Kami, geura budal ti dinya! Ulah kabawa ku dosana, ulah kabawa ku hukumanana.​—Wahyu 18:​4.

Kabéh urang Kristen nu sajati kudu bener-bener misah ti Babul Raya. Saacan diajar bebeneran, saurang palajar Alkitab bisa waé anggota agama palsu. Manéhna gé bisa jadi osok miluan ibadah jeung kagiatan agama, atawa osok nyumbang ka organisasi éta. Saacan palajar Alkitab disatujuan jadi pawarta nu can dibaptis, manéhna kudu mutuskeun hubungan jeung agama palsu. Manéhna kudu nyieun surat nu ngajelaskeun yén manéhna rék kaluar ti garéja atawa organisasi nu aya patalina jeung Babul Raya. Urang Kristen sajati kudu mastikeun pagawéanana euweuh patalina jeung Babul Raya. (2 Kor. 6:​14-17) Ku naon pamadegan urang sakitu pengkuhna? Lantaran urang embung kababawa ku lalampahan jeung dosa-dosa organisasi agama nu najis di payuneun Allah.​—Yes. 52:11. w19.10 12 ¶16-​17

Minggu, 17 Oktober

Estu PANGERAN teh welas asih, lautan kurnia . . . tara terus nyeuseul salawasna, tara terus bendu salalanggengna.​—Jab. 103:​8, 9.

Yérmia nulis buku Yermia, jeung bisa jadi manéhna gé nulis buku 1 jeung 2 Raja-Raja. Ku lantaran tugas ieu, manéhna jadi ngalenyepan welas asih Yéhuwa ka manusa nu teu sampurna. Misalna, Yérmia apal yén ku lantaran Raja Ahab tobat tina kajahatanana, Yéhuwa moal waka ngadatangkeun bahla ka kulawarga Ahab waktu manéhna hirup kénéh. (1 Rja. 21:​27-29) Sarupa kitu, Yérmia apal yén kalakuan Ménasé leuwih ngaraheutan manah Yéhuwa ti batan Ahab. Tapi, Yéhuwa daék ngahampura Ménasé lantaran manéhna tobat. (2 Rja. 21:​16, 17; 2 Bab. 33:​10-13) Kisah-kisah ieu ngabantu Yérmia nyonto Allah pikeun sabar jeung welas asih. Perhatikeun naon nu dilakukeun Yérmia basa Baruk disimpangkeun tina tugasna? Yérmia teu langsung nganggap Baruk teu bisa barobah, tapi manéhna ngabantu Baruk ku cara nepikeun pépéling nu lemah lembut tapi terus terang ti Allah.​—Yer. 45:​1-5. w19.11 6 ¶14-​15

Senén, 18 Oktober

Allah teh lain anu sok jalir. Mantenna moal lali ka anu geus dipigawe ku aranjeun, nya kitu deui kana kanyaah aranjeun ka Mantenna.​—Ibr. 6:​10.

Tina buku Imamat, urang apal yén urang Israil nyanggakeun kurban panarima sabagé ”tanda rasa sukur”. (Ima. 7:​11-13, 16-18) Manéhna nyanggakeun kurban téh lain lantaran kawajiban, tapi lantaran kahayangna sorangan. Saperti kurban panarima, palayanan urang bisa némbongkeun sakumaha nyaahna urang ka Yéhuwa. Lamun urang nyaah pisan ka Yéhuwa, urang bakal méré nu panghadéna. Yéhuwa tangtu bungah pisan ningali jutaan hamba-Na réla ngawula lantaran nyaah ka Mantenna! Urang bisa gedé haté lamun inget yén nu ditingali jeung dihargaan ku Yéhuwa téh lain ngan saukur tindakan urang tapi ogé alesan urang ngalakukeunana. Misalna, lamun Sadérék geus kolot jeung teu bisa ngalakukeun leuwih loba sakumaha kahayang Sadérék, sing yakin Yéhuwa ngarti kana kaayaan Sadérék. Sadérék bisa jadi ngarasa ngan méré saeutik, tapi Yéhuwa ningali kanyaah nu ngajurung Sadérék ngawula sabisa-bisana. Éta téh palayanan nu panghadéna ti Sadérék. Yéhuwa gé bungah narimana. w19.11 22 ¶9; 23 ¶11-​12

Salasa, 19 Oktober

Urang nyingkir heula neangan tempat sepi ngarah rineh.​—Mar. 6:​31.

Saimbang dina pagawéan téh penting. Raja Suléman diilhamkeun pikeun nulis, ”Sagala perkara di dunya aya waktuna.” Manéhna nyebutkeun aya waktu keur melak, ngadegkeun, susah, bungah, igel-igelan, jeung nu séjénna. (Pan. 3:​1-8) Jelas, aya dua hal penting dina kahirupan, nyaéta digawé jeung istirahat. Yésus boga pandangan nu saimbang ngeunaan digawé jeung istirahat. Hiji waktu, sanggeus balik ngawawar, para rasul sakitu sibukna nepi ka ”teu kaburu tuang-tuang acan”. Yésus nyebutkeun kekecapan dina ayat poé ieu. (Mar. 6:​30-​34) Sanajan Yésus jeung murid-muridna hésé néangan waktu keur istirahat, anjeunna apal maranéhna butuh istirahat. Sakali-sakali, urang butuh istirahat atawa ngarobah jadwal rutin urang. Tina aturan Allah ngeunaan Sabat mingguan pikeun bangsa Israil, urang apal hal éta téh penting. Urang mémang teu ngajalankeun Hukum Musa, tapi urang bisa meunang mangpaat tina hukum ngeunaan Sabat. w19.12 3 ¶6-7

Rebo, 20 Oktober

Ulah salempang.​—Mat. 6:31.

Yéhuwa geus jangji bakal ngurus hamba-hamba-Na nu satia jeung Mantenna ngarasa wajib nedunan jangji-Na. (Jab. 31:​2-4) Salian ti éta, Yéhuwa apal yén urang, salaku anggota kulawarga-Na, bakal sedih jeung leutik haté lamun teu diurus ku Mantenna. Mantenna jangji bakal nyumponan pangabutuh jasmani jeung rohani urang, sarta moal aya nu bisa ngahalangan Mantenna nedunan jangji-Na! (Mat. 6:​30-33; 24:45) Lamun urang inget alesan Yéhuwa nedunan jangji-Na, urang yakin urang pasti ditulungan ku Mantenna waktu aya masalah ékonomi. Pikirkeun conto urang Kristen dina abad kahiji. Basa aya panganiayaan nu hébat ka sidang di Yérusalém, kabéh ”paburencay . . . ngan rasul-rasul anu kumpul keneh”. (Ras. 8:1) Bayangkeun naon balukarna. Kasusahan ékonomi! Katingalina, urang Kristen kaleungitan imah jeung usahana. Tapi, Yéhuwa teu ninggalkeun maranéhna. Maranéhna gé teu kaleungitan suka bungahna. (Ras. 8:4; Ibr. 13:​5, 6; Yak. 1:​2, 3) Yéhuwa ngadukung urang Kristen nu satia éta, Mantenna gé bakal ngadukung urang.​—Jab. 37:​18, 19. w20.01 17-​18 ¶14-​15

Kemis, 21 Oktober

Gusti . . . kersa nitenan jalmi nu laip.​—Jab. 138:6.

Waktu Daud ngalawan singa jeung biruang nu rék ngahakan domba bapana, manéhna sadar bisa ngéléhkeun sato galak éta lantaran ditulungan ku Yéhuwa. Waktu manéhna ngéléhkeun raksasa nu ngaranna Goliat, manéhna nyaho éta téh lantaran diraksa ku Yéhuwa. (1 Sam. 17:37) Jeung basa Daud kabur ti Raja Saul nu ngéwa ka manéhna, manéhna sadar Yéhuwa nu nyalametkeun manéhna. (Jab. 18:1) Jalma nu sombong mah bakal agul ku dirina sorangan. Tapi ku lantaran Daud rendah haté, manéhna sadar hirupna téh ditangtayungan ku Yéhuwa. Naon palajaranana? Ulah ngan saukur ménta bantuan ka Yéhuwa. Urang gé kudu inget iraha jeung kumaha urang ditulungan ku Mantenna. Lamun rendah haté, urang nyaho aya nu teu bisa dilakukeun ku urang jeung waktu ahirna sanggup ngalakukeunana, urang sadar éta téh bantuan Yéhuwa. Unggal urang ngarasa ditulungan ku Yéhuwa, sosobatan urang jeung Mantenna bakal beuki kuat. w19.12 20 ¶18-​19

Jumaah, 22 Oktober

Mana dipeperih ge tandaning hidep dipiasih, lir bapa meperih anak anu dipikanyaah.​—Sil. 3:12.

Aya loba alesan ku naon urang yakin Yéhuwa nganggap urang téh penting. Mantenna narik urang jeung merhatikeun kumaha réaksi urang kana warta hadé. (Yoh. 6:44) Waktu urang ngaraket ka Yéhuwa, Mantenna ngaraket ka urang. (Yak. 4:8) Pikeun némbongkeun yén urang téh penting, Mantenna nyadiakeun waktu jeung upaya keur ngajar urang. Mantenna apal urang ayeuna jalma nu kawas kumaha jeung apal kahareupna urang bisa jadi jalma nu kawas kumaha. Mantenna ogé ngadisiplin urang lantaran nyaah ka urang. Ieu téh bukti nu kuat yén urang dianggap penting ku Yéhuwa! Sanajan aya nu nganggap rendah Raja Daud, manéhna apal Yéhuwa nyaah jeung ngadukung manéhna. Ku kituna, Daud jadi boga pandangan nu bener kana kaayaanana. (2 Sam. 16:​5-7) Waktu urang keur leutik haté atawa boga masalah, Yéhuwa bisa ngabantu urang boga pandangan nu bener kana kaayaan urang sarta ngabantu urang ngagempur sakabéh hahalang. (Jab. 18:​28-30) Lamun Yéhuwa aya di pihak urang, euweuh nu bisa ngeureunkeun urang ngawula Mantenna ku suka bungah.​—Rum 8:​31. w20.01 15 ¶7-8

Saptu, 23 Oktober

Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh.​—Mat. 28:20.

Unggal diajar, mimitian ku doa. Alusna mah Sadérék teu ngaengké-engké muka jeung nutup palajaran ku doa. Biasana éta dilakukeun dina minggu-minggu awal waktu palajar Alkitab geus rutin diajar. Urang kudu ngabantu palajar Alkitab paham yén urang butuh bantuan roh suci Allah sangkan bisa ngarti Firman Allah. Sababaraha guru Alkitab ngajelaskeunana ku cara macakeun Yakobus 1:​5, ”Lamun di antara aranjeun aya anu kurang bijaksana, kudu nyuhunkeun ka Allah.” Tuluy manéhna nanya, ”Kumaha urang bisa meunangkeun kabijaksanaan ti Allah?” Biasana palajar satuju yén urang kudu ngadoa ka Allah. Ajar palajar Alkitab carana ngadoa. Jelaskeun, Yéhuwa hoyong ngadangukeun doa manéhna nu sapinuh haté. Béré nyaho yén dina doa pribadi ka Yéhuwa, urang bébas ngungkabkeun parasaan nu teu bisa diungkabkeun ka sasaha. Inget, Yéhuwa apal eusi pikiran urang.​—Jab. 139:2-4. w20.01 2 ¶3; 5 ¶11-​12

Minggu, 24 Oktober

Kabeh oge wungkul gumantung kana sih kurnia Allah, henteu gumantung kana kahayang jeung kalakuan jelema.​—Rum 9:16.

Yéhuwa nu mutuskeun iraha Mantenna bakal milih jalma nu diistrénan. (Rum 8:​28-30) Yéhuwa mimiti milih téh sanggeus Yésus dihirupkeun deui. Sigana mah sakabéh urang Kristen dina abad kahiji diistrénan. Mangabad-abad sanggeusna, kalolobaan jalma nu ngaku Kristen teu bener-bener nuturkeun Kristus. Sanajan kitu, dina taun-taun éta, Yéhuwa ngistrénan sababaraha urang Kristen sajati. Maranéhna téh siga gandum nu disebutkeun ku Yésus nu tumuwuh di antara eurih. (Mat. 13:​24-30) Salila ahir jaman, Yéhuwa terus milih jalma-jalma nu bakal jadi bagian ti 144.000. Jadi, lamun Allah milih sababaraha jalma pas saacan ahir éta datang, urang tangtu moal cangcaya kana putusan Mantenna. (Rum 9:11) Urang kudu ati-ati ngajaga sikep urang ulah siga kuli nu disebutkeun ku Yésus dina salah sahiji misilna. Maranéhna teu satuju kana putusan dununganana ngeunaan kuli nu datang pangpandeurina.​—Mat. 20:​8-​15. w20.01 30 ¶14

Senén, 25 Oktober

[Hamba-hamba Kami] bakal barungah.​—Yes. 65:14.

Yéhuwa hoyong kulawarga-Na bagja. Ti ayeuna kénéh gé, urang boga loba alesan pikeun ngarasa bagja sanajan aya kasusah. Misalna, urang yakin yén Bapa urang di sawarga téh nyaah pisan ka urang. Urang boga pamahaman nu akurat ngeunaan Firman Allah, Alkitab. (Yer. 15:16) Urang gé jadi bagian ti kulawarga bagja nu mikanyaah Yéhuwa, nu silih pikanyaah, jeung resep ngajalankeun hukum-hukum-Na. (Jab. 106:​4, 5) Urang bisa terus bagja lantaran urang yakin yén dina mangsa kahareup, hirup urang bakal leuwih hadé. Urang apal, moal lila deui Yéhuwa bakal nyingkirkeun kabéh kajahatan. Liwat Karajaana-Na, Yéhuwa bakal mulihkeun sakuliah bumi jadi Pirdaus. Urang gé boga harepan nu éndah yén jalma-jalma nu geus maot bakal dihirupkeun deui sarta bakal ngumpul deui jeung urang. (Yoh. 5:​28, 29) Kacida bungahna engké! Jeung nu pangpentingna, urang yakin sakeudeung deui kabéh nu di sawarga jeung di bumi bakal méré kahormatan, pujian, jeung bisa ibadah ka Bapa urang nu dipikanyaah. w20.02 13 ¶15-​16

Salasa, 26 Oktober

Abdi rumaos, dosa teh estu ka Gusti, ka Gusti pisan.—Jab. 51:6.

Lamun Sadérék nyieun dosa gedé, ulah ditutup-tutupan. Tapi, pék ngadoa tuluy ngaku ka Yéhuwa naon nu geus dilakukeun ku Sadérék. Sadérék bakal leuwih tenang jeung teu teterusan rumasa salah. Tapi lamun hayang hubungan Sadérék jeung Yéhuwa alus deui, teu cukup ngan saukur ngadoa. Sadérék kudu daék narima disiplin. Waktu Yéhuwa ngutus Nabi Natan pikeun ngabolékérkeun dosa Raja Daud jeung Batséba, Daud teu ngabéla diri atawa nganggap énténg dosana. Manéhna langsung ngaku geus nyieun dosa, lain ka salakina Batséba wungkul, tapi nu utamana ka Yéhuwa. Daud narima disiplin ti Yéhuwa, tuluy Yéhuwa ngahampura manéhna. (2 Sam. 12:​10-14) Yéhuwa geus ngalantik priya-priya pikeun ngurus sidang. Jadi, lamun urang nyieun dosa gedé, urang kudu ngomong ka maranéhna. (Yak. 5:​14, 15) Urang gé ulah ngabéla diri. Beuki gancang urang narima jeung ngalarapkeun disiplin, teu sual naon disiplinna, beuki gancang urang meunangkeun katengtreman jeung kabungah. w20.02 24-25 ¶17-18

Rebo, 27 Oktober

Sapuluh lalaki ti sagala bangsa . . . bakal nyekel pageuh jubah saurang Yahudi. Ceuk maranéhna, ”Urang hayang milu jeung maranéh, lantaran urang ngadéngé béja yén Allah nyarengan maranéh.”​—Jak. 8:​23, ”NW”.

”Sapuluh lalaki” ngamaksudkeun jalma-jalma nu boga harepan hirup langgeng di bumi. Maranéhna nyaho Yéhuwa ngaberkahan kelompok nu diistrénan nu diwakilan ku ”saurang Yahudi” sarta nganggap ibadah bareng jeung maranéhna téh hak istiméwa. Sanajan ayeuna mah teu mungkin urang nyaho kabéh ngaran jalma-jalma nu diistrénan, jalma-jalma nu boga harepan hirup di bumi bisa ”milu jeung” nu diistrénan. Kumaha carana? Ayat poé ieu méré jawabanana. Ayat éta nyebutkeun saurang Yahudi. Tapi, sapuluh lalaki éta ngomong ”maranéh”. Ieu hartina urang Yahudi éta lain ngan saurang tapi nunjukkeun sakelompok jalma nu diistrénan. Jalma nu teu diistrénan ngawula Yéhuwa bareng jeung jalma nu diistrénan. Tapi, maranéhna teu nganggap jalma nu diistrénan salaku pamingpin lantaran nyaho pamingpin maranéhna mah Yésus.—Mat. 23:10. w20.01 26 ¶1-2

Kemis, 28 Oktober

Ku jalan silih pikanyaah jeung babaturan, bakal katara ka sarerea yen maraneh teh murid-murid Kami.—Yoh. 13:35.

Ceuk Yésus, murid-muridna nu sajati bakal kaciri lamun silih pikanyaah sakumaha Yésus mikanyaah maranéhna. Éta kudu dilarapkeun ku murid-muridna boh dina abad kahiji boh ayeuna. Jadi penting pisan sangkan urang silih pikanyaah sanajan sakapeung éta aya tangtanganana! Pék pikirkeun, ’Urang diajar naon ti sadérék-sadérék nu terus némbongkeun kanyaah sanajan teu gampang?’ Lantaran teu sampurna, urang sok hésé némbongkeun kanyaah nu saiklas-iklasna. Sanajan kitu, urang kudu nyonto Kristus. Yésus ngajarkeun pentingna ngupayakeun karukunan jeung sadérék nu nyeri haté ka urang. (Mat. 5:​23, 24) Anjeunna nandeskeun yén urang kudu ngajaga sosobatan jeung dulur saiman lamun urang hayang nyenangkeun Allah. Yéhuwa bungah lamun urang sabisa-bisa ngupayakeun karukunan jeung dulur saiman. Ibadah urang moal ditarima ku Mantenna lamun urang ngunek-ngunek jeung teu daék akur.​—1 Yoh. 4:20. w20.03 24 ¶1-4

Jumaah, 29 Oktober

Ka hareup bakal aya jalma-jalma anu naringgalkeun piwuruk Kristus, kaceot ku roh-roh bohong, mengpar kana pangajaran setan.​—1 Tim. 4:1.

Sétan, ”bapana sagala bohong”, geus nipu manusa ti jaman Adam jeung Hawa. (Yoh. 8:44) Kabohongan Sétan téh misalna pangajaran palsu ngeunaan nu maot jeung kahirupan sanggeus maot. Pangajaran ieu jadi dasar pikeun kabiasaan jeung tradisi loba jalma. Ku naon loba nu katipu? Lantaran Sétan ngamangpaatkeun parasaan manusa ngeunaan maot. Urang diciptakeun pikeun hirup langgeng, jadi urang teu hayang maot. (Pan. 3:​11, NW) Urang nganggap maot téh musuh. (1 Kor. 15:26) Sanajan kitu, bebeneran ngeunaan nu maot teu bisa disumput-sumputkeun. Malahan ayeuna beuki loba jalma nu nyaho jeung nguarkeun pangajaran Alkitab ngeunaan kaayaan nu maot jeung harepan pikeun nu maot. (Pan. 9:​5, 10; Ras. 24:15) Bebeneran ieu tangtu ngalilipur urang. Urang jadi apal kana kaayaan nu maot jeung teu sieun deui. w19.04 14 ¶1; 15 ¶5-6

Saptu, 30 Oktober

Kudu silih bantu kabeubeurat, nekanan hukum Kristus.​—Gal. 6:2.

Allah Yéhuwa nyaah ka hamba-hamba-Na, ti baheula nepi ka salalanggengna. Mantenna gé cinta kaadilan. (Jab. 33:5) Jadi, urang bisa yakin kana dua hal: (1) Yéhuwa sedih pisan ningali hamba-hamba-Na ngalaman kateuadilan. (2) Mantenna jangji yén kaadilan bakal dijalankeun. Hukum Musa nu dibéré keur bangsa Israil téh dumasar kana kanyaah. Maranéhna dijurung pikeun adil ka kabéh jalma, kaasup ka nu teu bisa ngalindungan diri. (Pam. 10:18) Hukum éta ngabuktikeun yén Yéhuwa nyaah pisan ka hamba-hamba-Na. Ti saprak taun 33 M, Hukum Musa teu dijalankeun deui. Naha éta hartina urang Kristen teu boga hukum nu dumasar kana kanyaah jeung ngajungjung kaadilan? Lain kitu! Urang Kristen boga hukum anyar, nyaéta ”hukum Kristus”. Yésus henteu méré daptar hukum ka murid-muridna, tapi anjeunna méré pituduh, paréntah, jeung prinsip-prinsip nu bisa ngabingbing maranéhna. Kabéh pangajaran Yésus gé kaasup dina ”hukum Kristus”. w19.05 2 ¶1-3

Minggu, 31 Oktober

Rama . . . anu maparin kategeran hate ka manusa. Dina kasusahan anu kumaha . . . bae oge batin sim kuring ku Allah disina teger.​—2 Kor. 1:​3, 4.

Sabagé manusa, urang butuh dililipur jeung boga kasanggupan pikeun ngalilipur batur. Contona, aya budak leutik nu keur ulin, ari pék téh labuh tuluy tuurna boléksék. Bari ceurik, manéhna langsung néangan Mamah atawa Bapana. Kolotna teu bisa nyageurkeun raheutna, tapi maranéhna bisa ngupahan budakna. Maranéhna nanya ku naon bisa labuh, nyusutan cipanonna, terus budakna diais jeung diupahan. Geus kitu, raheutna diubaran atawa diperban. Teu lila, budak éta répéh malah bisa ulin deui. Lila-lila, raheutna cageur sorangan. Tapi, aya budak nu raheutna parah pisan lantaran ngalaman pelécéhan séksual. Teu sual pelécéhanana ngan sakali atawa salila mangtaun-taun, éta bisa ngalantarankeun raheut émosi nu lila cageurna. Mémang aya jalma nu ngalakukeun pelécéhan nu langsung ditéwak tuluy dihukum. Tapi, aya ogé nu katingalina mah bébas tina hukuman. Sanajan nu ngalakukeunana langsung dihukum, korbanna bisa terus ngarasakeun akibatna nepi ka déwasa. w19.05 14 ¶1-2

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun