PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es22 kaca 26-36
  • Maret

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Maret
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2022
  • Subjudul
  • Salasa, 1 Maret
  • Rebo, 2 Maret
  • Kemis, 3 Maret
  • Jumaah, 4 Maret
  • Saptu, 5 Maret
  • Minggu, 6 Maret
  • Senén, 7 Maret
  • Salasa, 8 Maret
  • Rebo, 9 Maret
  • Kemis, 10 Maret
  • Jumaah, 11 Maret
  • Saptu, 12 Maret
  • Minggu, 13 Maret
  • Senén, 14 Maret
  • Salasa, 15 Maret
  • Rebo, 16 Maret
  • Kemis, 17 Maret
  • Jumaah, 18 Maret
  • Saptu, 19 Maret
  • Minggu, 20 Maret
  • Senén, 21 Maret
  • Salasa, 22 Maret
  • Rebo, 23 Maret
  • Kemis, 24 Maret
  • Jumaah, 25 Maret
  • Saptu, 26 Maret
  • Minggu, 27 Maret
  • Senén, 28 Maret
  • Salasa, 29 Maret
  • Rebo, 30 Maret
  • Kemis, 31 Maret
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2022
es22 kaca 26-36

Maret

Salasa, 1 Maret

Bagja maranéh lamun . . . jalma-jalma pada mikageuleuh.​—Luk. 6:22.

Urang mémang teu hayang dipikageuleuh. Terus mun bisa mah, urang gé embung dikaniaya lantaran ngabéla iman. Jadi, ku naon Yésus ngomong yén urang bisa bagja najan dipikageuleuh? Perhatikeun tilu alesan ieu. Kahiji, mun urang tetep satia, urang bakal dipikaresep ku Allah. (1 Pet. 4:​13, 14) Kadua, iman urang bakal beuki kuat jeung ”pangajina” leuwih luhur lantaran geus diuji. (1 Pet. 1:7) Katilu, urang bakal narima berkah anu luar biasa, nyaéta kahirupan nu langgeng. (Rum 2:​6, 7) Teu lila sanggeus Yésus dihirupkeun deui, para rasul ngarasakeun kabagjaan anu dicaritakeun ku Yésus. Sanggeus dipecutan jeung dititah eureun ngawawar, maranéhna kalah ka bagja. Ku naon? Lantaran maranéhna ”ngaraos geus dilayakkeun ku Allah kenging panghina ku karana jenengan Yesus”. (Ras. 5:​40-42) Maranéhna henteu sieun dipikangéwa ku musuh-musuh, ku sabab maranéhna nyaah pisan ka Dununganana. Ku kituna, maranéhna ”teu eureun-eureun” ngawawarkeun warta hadé. Ayeuna gé, loba dulur saiman urang anu terus ngawula Yéhuwa sanajan aya tangtangan. Maranéhna yakin, Yéhuwa moal mopohokeun naon anu geus dipigawé ku maranéhna sarta kanyaah maranéhna ka Mantenna. w21.03 25 ¶18-​19

Rebo, 2 Maret

Anjeunna méré kaabadian dina haté maranéhna.​—Pan. 3:​11, ”NW”.

Pas lahir mah, urang Kristen nu diistrénan can boga harepan pikeun hirup di sawarga. Yéhuwa nu méré harepan éta ka maranéhna. Geus kitu, kakara maranéhna bisa mikirkeun harepan éta, ngadoakeunana, sarta boga kahayang pikeun hirup di sawarga. Tapi, maranéhna teu apal kumaha rupa maranéhna dina wujud roh waktu engké hirup di sawarga. (Pil. 3:​20, 21; 1 Yoh. 3:2) Sanajan kitu, maranéhna meunang tempat di Karajaan sawarga. Domba-domba lian hayang hirup langgeng di bumi. Éta téh kahayang alami ti kabéh jalma. Maranéhna gé hayang geura mantuan pikeun ngarobah sakuliah bumi jadi pirdaus. Terus maranéhna hayang boga awak nu séhat, ngawangun imah sorangan, melak di kebon sorangan, sarta ngagedékeun budak. (Yes. 65:​21-23) Geus kitu, maranéhna hayang iinditan ka tempat-tempat nu éndah, ningali gunung, leuweung, jeung laut, sarta diajar tina ciciptaan Yéhuwa. Pangpangna, maranéhna bungah lantaran bakal beuki raket ka Yéhuwa. w21.01 18-​19 ¶17-​18

Kemis, 3 Maret

Bait Allah . . . dihuru . . . katut barang-barangna anu aralus.​—2 Bab. 36:19.

Sanggeus urang Babilon nyerang jeung ngancurkeun nagri éta, jalma-jalma ngaromong, ”Ieu tanah tangtu jadi kawas tegal suwung, sepi taya pangeusina, taya jalma taya sato, tuluy dijabel ku urang Babul.” (Yer. 32:43) Kira-kira 200 taun sanggeus nubuat Yoél ditulis, Yéhuwa ngagunakeun Yérmia pikeun nganubuatkeun hal séjén ngeunaan serangan ieu. Yéhuwa nyebutkeun yén urang Israil nu jahat bakal ditéangan jeung ditéwakan kabéh ku bangsa Babul. ”PANGERAN nimbalan, ’Kami rek ngadatangkeun pamayang masing rea, sina newakan eta jelema-jelema. Arek ngajurung paninggaran masing rea, sina moro maranehanana ti saban gunung, ti unggal pasir jeung tina sela-sela batu cadas. . . . Dosa jeung kajahatanana rek dikudukeun dibayar dua tikel.’ ” Teu sual di laut atawa di leuweung, urang Israil nu teu tobat moal bisa nyumput tina serangan urang Babilon.—Yer. 16:​16, 18. w20.04 5 ¶12-​13

Jumaah, 4 Maret

Elut kaleked pisan.​—Kaj. 19:16.

Pas kaayaan keur gawat, Elut teu gancang nuturkeun pituduh Yéhuwa. Urang bisa waé nganggap Elut teu ngawaro Yéhuwa, malah teu taat. Tapi, Yéhuwa teu ninggalkeun Elut. ”Bawaning ku watir-watirna PANGERAN ka anjeunna”, para malaikat ngenyang éta kulawarga kaluar ti Sadumu. (Kaj. 19:​15, 16) Aya loba alesan ku naon Yéhuwa karunya ka Elut. Meureun Elut asa-asa ninggalkeun imahna téh da sieuneun ku jalma-jalma di luar kota. Aya ogé bahaya séjénna. Sigana Elut ogé apal, aya dua raja nu tigebrus kana sumur-sumur aspal di lebak nu teu jauh ti dinya. (Kaj. 14:​8-12) Salaku kapala kulawarga, Elut pasti ngahariwangkeun pamajikan jeung barudakna. Elut gé beunghar, bisa jadi manéhna boga imah nu alus di Sadumu. (Kaj. 13:​5, 6) Mémang, éta kabéh teu bisa dijadikeun alesan ku Elut pikeun teu langsung taat ka Yéhuwa. Tapi, Yéhuwa teu ngan saukur merhatikeun kasalahan Elut. Malah, manéhna dianggap jalma ”nu hade”.​—2 Pet. 2:​7, 8. w20.04 18 ¶13-​14

Saptu, 5 Maret

Lir ibun turun enjing-enjing para taruna baris darongkap kaGusti di pasir suci.​—Jab. 110:​3.

Barudak ngora, meureun aya dulur saiman anu geus kenal ka anjeun ti saprak anjeun leutik kénéh. Maranéhna butuh waktu pikeun sadar yén ayeuna anjeun geus lain budak leutik deui. Tapi sing yakin, Yéhuwa mah teu ngan saukur ningali luarna. Mantenna kenal pisan ka anjeun jeung nyaho naon anu bisa dilakukeun ku anjeun. (1 Sam. 16:7) Pék kuatkeun sosobatan anjeun jeung Yéhuwa. Kumaha carana? Baheula mah, Daud merhatikeun ciptaan Yéhuwa. Tina ciptaan, Daud jadi apal Yéhuwa téh Pribadi anu jiga kumaha. (Jab. 8:​4, 5; 139:14; Rum 1:20) Salian ti éta, anjeun gé bisa ménta kakuatan ti Yéhuwa. Misalna, na aya batur sakola anu moyokan lantaran anjeun téh Saksi Yéhuwa? Mun aya, pék ngadoa ménta Yéhuwa nguatkeun anjeun. Terus, tuturkeun naséhat-naséhat anu aya dina Firman-Na, publikasi urang, jeung vidéo-vidéo. Unggal anjeun ngarasakeun Yéhuwa nulungan anjeun, iman anjeun bakal beuki kuat. Engké mun dulur saiman ningali yén anjeun ngandelkeun Yéhuwa, anjeun bakal dipercaya ku maranéhna. w21.03 4 ¶7

Minggu, 6 Maret

Paneda jalma balener kamanah ku PANGERAN.​—Sil. 15:8.

Saurang jalma biasana laluasa nyaritakeun parasaan jeung pikiranna ka sobatna. Urang bisa kitu teu ka Yéhuwa? Bisa! Liwat Firman-Na, Yéhuwa méré nyaho pikiran jeung parasaan-Na ka urang. Urang bisa nyarita ka Yéhuwa ku cara ngadoa. Urang bisa ngabudalkeun eusi haté jeung nyaritakeun naon waé nu keur dipikirkeun. Tapi, Mantenna teu ngan ngadéngékeun wungkul. Sabagé Sobat urang, Mantenna gé ngajawab doa urang. Bisa jadi doa urang langsung dijawab, tapi kadang urang kudu terus ngadoakeunana. Nu pasti mah, Yéhuwa bakal ngajawab dina waktu jeung cara nu cocog. Tapi, bisa waé jawaban doa urang teu jiga nu dipiharep ku urang. Misalna lamun urang boga kasusah, meureun Mantenna teu nyingkirkeun masalahna, tapi méré kakuatan jeung kabijaksanaan supaya urang sanggup nandanganana. (1 Kor. 10:13) Kumaha carana ngahargaan harta nu istiméwa mangrupa doa ieu? Salah sahijina nyaéta ku ”neneda saban waktu”.​—1 Tes. 5:17. w20.05 27-​28 ¶7-8

Senén, 7 Maret

Sing saha anu tabah nepi ka panungtungan bakal dirahayukeun.​—Mat. 24:13.

Atlét balap lumpat jarak jauh terus merhatikeun jalan di hareupna sangkan teu labuh. Lamun labuh, manéhna nangtung deui jeung neruskeun pangbalapan. Atlét éta teu terus mikirkeun naon nu nyababkeun manéhna labuh, tapi mikirkeun garis ahir jeung hadiah nu dipiharep. Dina pangbalapan rohani, bisa waé urang labuh sababaraha kali, maksudna nyieun salah dina ucap jeung lampah urang. Atawa, bisa jadi batur nyieun kasalahan nu nganyenyeri urang. Urang teu kudu héran. Urang kabéh teu sampurna, bari jeung kudu lumpat babarengan di jalan kahirupan nu heureut. Jadi urang tangtu pernah kadupak ku batur atawa ngadupak batur. Sakapeung urang kudu ”pareng pasendatan jeung batur”. (Kol. 3:13) Tapi ti batan terus mikirkeun naon nu nyababkeun urang labuh, mending urang terus mikirkeun hadiahna. Teruskeun pangbalapan. Urang moal nepi ka garis ahir jeung narima hadiah lamun urang aral tuluy embung nangtung deui. Salian ti éta, urang bisa ngahalangan batur nu keur lumpat di jalan kahirupan nu heureut ieu. w20.04 26 ¶1; 28 ¶8-9

Salasa, 8 Maret

Karajaan . . . bakal numpes numpurkeun karajaan-karajaan.​—Dan. 2:​44.

Nabi Daniél ngagambarkeun sababaraha kawasa dunya nu tindakanana boga pangaruh gedé ka umat Allah. Maranéhna digambarkeun ku rupa-rupa bagian arca raksasa nu dijieun tina logam. Suku arca nu dijieun tina campuran beusi jeung taneuh liket téh ngagambarkeun kawasa dunya nu pangahirna, nyaéta Kawasa Dunya Anglo-Amerika. Nubuat ieu nunjukkeun kawasa éta masih kénéh maréntah waktu Karajaan Allah ngancurkeun sakabéh pamaréntahan manusa. Rasul Yohanes ogé ngagambarkeun kawasa-kawasa dunya nu tindakanana mangaruhan umat Yéhuwa. Yohanes ngagambarkeun pamaréntahan-pamaréntahan ieu sabagé sato galak nu huluna tujuh. Hulu nu katujuh ngagambarkeun Kawasa Dunya Anglo-Amerika. Katerangan ieu penting keur urang lantaran huluna moal nambahan deui. Hulu nu katujuh masih kénéh ngawasa waktu Kristus jeung pasukan sawargana ngancurkeun éta hulu jeung sakabéh bagian tina sato galak éta.​—Wahyu 13:​1, 2; 17:​13, 14. w20.05 14 ¶11-​12

Rebo, 9 Maret

Allah teh sipat asih.​—1 Yoh. 4:8.

Tulisanna téh saderhana, tapi nyingkabkeun bebeneran anu penting pisan, nyaéta Allah téh Sumber kahirupan jeung Sumber kanyaah. Yéhuwa nyaah ka urang! Lantaran dipikanyaah ku Allah, urang jadi ngarasa aman, bagja, jeung puas. (Mat. 22:​37-40) Keur urang Kristen mah, nunjukkeun kanyaah téh lain pilihan, tapi kawajiban, sabab éta téh paréntah. Mun urang beuki kenal ka Yéhuwa, nuturkeun paréntah nu kahiji téh meureun gampang, da Yéhuwa mah sampurna. Mantenna gé bageur jeung perhatian ka urang. Tapi, nuturkeun paréntah nu kadua téh bisa jadi leuwih hésé. Ku naon? Lantaran urang kudu nyaah ka batur, kaasup ka dulur saiman, tapi maranéhna téh teu sampurna. Kadang urang ngarasa, maranéhna ngomong atawa ngalakukeun hiji hal, bari teu mikirkeun parasaan batur. Yéhuwa apal, urang bakal hésé pikeun nuturkeun paréntah nu kadua. Jadi, Mantenna méré wahyu ka sababaraha jalma pikeun nu nuliskeun naséhat nu rinci dina Alkitab, ku naon urang kudu silih pikanyaah jeung kumaha carana. Salah saurang jalma nu digunakeun ku Yéhuwa téh nyaéta Rasul Yohanes.​—1 Yoh. 3:​11, 12. w21.01 8 ¶1-2

Kemis, 10 Maret

Supaya Iblis ulah nepi ka ngawasaan ka urang.​—2 Kor. 2:​11.

Teu sual urang kakara ngawula Yéhuwa atawa geus mangtaun-taun, urang kudu terus mariksa, ’Na abdi terus ngalawan gogoda ti Sétan nu hayang abdi ngadua haté?’ Misalna, lamun aya gambar dina TV atawa Internét nu bisa ngarangsang napsu birahi, Sadérék bakal kumaha? Bisa waé Sadérék mikir, ’Ah, da gambar atawa film éta mah lain pornografi.’ Tapi, na sabenerna éta téh cara Sétan sangkan Sadérék ngadua haté? Gambar sarupa kitu téh bisa diibaratkeun jiga kampak nu dipaké jang meulah kai golondongan. Mimitina, nu ditancebkeun téh ngan tungtungna nu seukeut wungkul. Tapi mun kampakna terus diayunkeun, lila-lila bakal beuki jero nancebna, nepi ka ahirna kaina beulah. Cocog teu lamun gambar nu ngarangsang tadi disaruakeun jiga kampak éta? Hal-hal nu katingalina teu bahaya téh tungtungna mah bisa ngalantarankeun saurang jalma ngalakukeun dosa. Jadi, ulah ngasupkeun naon waé nu teu pantes kana haté Sadérék! Sing terus hormat ka nami Yéhuwa ku sabuleudna haté! w20.06 12 ¶14-​15

Jumaah, 11 Maret

Kudu nulungan ka batur anu imanna kurang panceg.​—Rum 15:1.

Urang kudu terus mantuan jeung nguatkeun pawarta nu teu aktif. Meureun haténa téh raheut, jiga budak dina ibarat Yésus nu ninggalkeun imahna. (Luk. 15:​17-​24) Maranéhna geus ngarasakeun hirup di dunya Sétan, jadi meureun ayeuna geus teu pati deukeut jeung Yéhuwa. Urang kudu mantuan maranéhna nguatkeun deui imanna ka Yéhuwa. Dina ibarat ngeunaan domba, Yésus nyaritakeun domba nu leungit téh dipunggu ku pangangonna tuluy dibawa balik. Si pangangon geus ngorbankeun loba tanaga jeung waktu keur néangan éta domba. Tapi, manéhna apal dombana teu kuateun leumpang, jadi kudu dibantuan supaya bisa balik deui. (Luk. 15:​4, 5) Meureun urang gé kudu ngorbankeun waktu jeung tanaga keur mantuan pawarta teu aktif nyanghareupan masalah nu ngahalangan manéhna ngawula Yéhuwa. Tapi ku bantuan roh suci, Alkitab, sarta publikasi ti organisasi, urang bisa mantuan manéhna kuat deui. Jadi, Sadérék kuduna daék mun dipénta ku kokolot pikeun ngajarkeun Alkitab ka pawarta nu teu aktif. Éta téh kahormatan. w20.06 28-29 ¶14-​15

Saptu, 12 Maret

Ku jalan silih pikanyaah jeung babaturan, bakal katara ka sarerea yen maraneh teh murid-murid Kami.​—Yoh. 13:35.

Mémang, urang masing-masing kudu nunjukkeun kanyaah, sabab éta téh ciri urang Kristen sajati. Tapi, urang ogé kudu boga ”kaweruh anu sayakti” jeung kudu beuki bijaksana. (Pil. 1:9) Sanajan kitu, urang bisa waé kabawa ku ”ombak jeung angin gogoda, ku jelema-jelema anu nipu merdaya ngajar teu bener”, kaasup jalma-jalma murtad. (Epe. 4:14) Waktu loba murid dina abad kahiji M ninggalkeun Yésus, Rasul Pétrus nunjukkeun manéhna yakin yén kekecapan Yésus téh ”pangandika nu maparin hirup langgeng”. (Yoh. 6:​67, 68) Mémang, harita Pétrus can ngarti kana kabéh kekecapan Yésus, tapi manéhna tetep satia lantaran yakin Yésus téh Kristus. Sadérék ogé kudu nguatkeun kayakinan kana pangajaran Alkitab. Ku kituna, teu sual naon masalahna, iman Sadérék bakal tetep kuat. Sadérék ogé bisa mantuan batur pikeun boga iman nu kuat.—2 Yoh. 1, 2. w20.07 8 ¶2; 13 ¶18

Minggu, 13 Maret

Anaking, nyaah teh ulah ngan semet biwir jeung ucap wungkul, kudu nyata dina prakna.​—1 Yoh. 3:​18.

Pikeun ngabantu dulur-dulur saiman tetep aya dina jalan bebeneran, urang kudu karunyaan. (1 Yoh. 3:​10, 11, 16, 17) Urang kudu silih pikanyaah, teu sual keur aya masalah atawa henteu. Misalna, na Sadérék apal aya dulur saiman nu kakara ditinggal maot jeung butuh dililipur atawa butuh bantuan? Na Sadérék ngadéngé aya dulur saiman nu keuna musibat alam nepi ka kaleungitan loba barang jeung butuh bantuan pikeun ngoméan Balé Karajaan atawa imahna? Urang kudu ngabuktikeun urang karunyaan jeung nyaah ka maranéhna, teu ngan dina ucapan wungkul tapi ogé dina tindakan. Urang nyonto Bapa urang di sawarga nu nyaahan ku cara silih pikanyaah. (1 Yoh. 4:​7, 8) Kanyaah éta bisa dibuktikeun lamun urang silih hampura. Contona mun aya nu nganyenyeri urang, urang rék kumaha? Mun nyaah ka manéhna, urang bakal ngahampura jeung moal ngunek-ngunek kasalahanna.​—Kol. 3:​13. w20.07 24-25 ¶14-​15

Senén, 14 Maret

Pihudangeunana sadaya jalmi tina maot, boh nu bageur, boh nu jahat.​—Ras. 24:15.

Na nu dihudangkeun tina maot bakal diajar hiji-hiji jiga diajar Alkitab ayeuna? Atawa na maranéhna bakal diajar di sidang-sidang, terus dilatih pikeun ngajar jalma-jalma nu dihirupkeun deui sanggeus maranéhna? Urang can nyaho pasti. Hayu urang dagoan jeung tingali engké. Tapi nu pasti mah, dina ahir Pamaréntahan Sarébu Taun Kristus, ”sakuliah tanah bakal pinuh ku kanyaho ka PANGERAN”. (Yes. 11:9) Kabayang sakumaha sibuk jeung senangna urang salila sarébu taun éta! Salila sarébu taun engké, urang sabagé umat Yéhuwa masih perlu ngarobah kapribadian urang sangkan bisa nyenangkeun Mantenna. Jadi, urang bakal ngarti kumaha parasaan jalma-jalma nu dihirupkeun waktu urang mantuan maranéhna ngalawan pikiran jeung kahayang nu salah sarta hirup nuturkeun patokan Yéhuwa. (1 Pet. 3:8) Jalma-jalma nu dihirupkeun deui bakal ningali, umat Yéhuwa téh rendah haté sarta masih terus nyieun parobahan supaya bisa nyenangkeun Mantenna. (Pil. 2:12) Ku kituna, maranéhna gé pasti jadi hayang milu ngawula Yéhuwa. w20.08 16 ¶6-7

Salasa, 15 Maret

Pariksa kalakuan sorangan, . . . teu kudu dibanding-banding jeung kalakuan batur.​—Gal. 6:4.

Lamun urang nuturkeun naséhat ti Rasul Paulus jeung mariksa kalakuan sorangan, meureun urang jadi sadar, geuning urang téh boga kurnia jeung kamampuh nu teu dipiboga ku batur. Misalna, aya kokolot nu hutbahna mah meureun teu pati alus, tapi manéhna bisa mantuan loba jalma pikeun jadi murid Yésus. Atawa bisa jadi manéhna teu pinter ngatur sidang, tapi manéhna téh bageur jeung soméah, jadi para pawarta laluasa ménta naséhat ka manéhna. Atawa meureun, manéhna resep narima tamu. (Ibr. 13:​2, 16) Mun urang apal kana kurnia urang sorangan, urang bakal ngarasa dibutuhkeun ku sidang. Urang gé moal sirik deui ka dulur-dulur saiman nu kurniana béda ti urang. Teu sual naon kurnia urang, urang kabéh kudu boga tékad supaya leuwih getol dines jeung leuwih tarampil ngajar batur. w20.08 24 ¶16-​18

Rebo, 16 Maret

Kaula ningal jelema kacida lobana nepi ka moal kaitung.​—Wahyu 7:9.

Aya hiji hutbah penting nu judulna ”Jelema Kacida Lobana” nu ditepikeun ku J.F. Rutherford dina taun 1935, dina hiji kongrés nu diayakeun di Washington D.C., Amerika Serikat. Dina hutbahna, Rutherford ngajelaskeun saha nu kaasup ”jelema kacida lobana” nu disebutkeun dina Wahyu 7:9. Saacanna mah, kelompok éta téh dianggap kelompok nu bakal hirup di sawarga ogé, tapi moal maréntah bareng jeung Yésus sabab maranéhna teu pati satia. Rutherford mukakeun ayat-ayat pikeun ngajelaskeun yén jelema kacida lobana moal bakal hirup di sawarga. Maranéhna téh kaasup kana domba-domba lian milik Kristus nu bakal salamet tina ”mangsa cilaka” jeung hirup langgeng di bumi. (Wahyu 7:​14, NW) Yésus jangji, ”Aya keneh domba-domba Kami lian ti anu ieu, anu henteu sakandang jeung ieu, ku Kami arek dibawa ka dieu, tangtu narurut kana sora Kami, arek disakandangkeun jeung nu ieu, diurus ku hiji pangangon.” (Yoh. 10:16) Domba-domba lian téh ngamaksudkeun Saksi-Saksi Yéhuwa nu satia, anu boga harepan pikeun hirup langgeng di Pirdaus di bumi.​—Mat. 25:​31-​33, 46. w21.01 14 ¶1-2

Kemis, 17 Maret

Maraneh bakal dipikageuleuh ku unggal jelema lantaran anut ka Kami. Tapi sing saha anu tagen nepi ka ahir bakal disalametkeun.​—Mat. 10:22.

Urang gé kudu disiplin supaya bisa leukeun jeung nganggeuskeun tugas urang. (Mat. 28:​19, 20) Disiplin téh lain sipat bawaan urang, da urang mah biasana hayang ngagawékeun hiji hal ku cara nu panggampangna. Tapi, justru hal-hal nu penting téh biasana teu gampang digawékeunana. Jadi, urang butuh bantuan supaya bisa ngalatih diri ngagawékeun tugas-tugas nu hésé. Yéhuwa bakal ngabantu urang liwat roh suci-Na. (Gal. 5:​22, 23) Rasul Paulus téh jalma nu disiplin. Tapi, manéhna ngaku kudu ”ngalatih diri enya-enya” supaya bisa ngalakukeun nu bener. (1 Kor. 9:​25-27, SF) Manéhna ngajurung batur pikeun disiplin sarta ngalakukeun sagala hal ”sing rapih, sing beres entep-entepanana”. (1 Kor. 14:40) Urang gé kudu disiplin dina ibadah ka Yéhuwa. Ieu téh kaasup rutin ngawawar jeung ngajarkeun warta hadé.—Ras. 2:46. w20.09 6-7 ¶15-​17

Jumaah, 18 Maret

Eta wawaran amanat Allah teh kudu disiarkeun heula kasagala bangsa.​—Mar. 13:10.

Di loba nagri, kagiatan pangwawaran téh henteu dilarang. Na di nagri Sadérék gé jiga kitu? Mun enya, Sadérék bisa mikirkeun, ’Kumaha abdi ngamangpaatkeun kabébasan ieu?’ Dina ahir jaman, umat Yéhuwa sibuk ngawawar jeung ngajar. Teu pernah aya kagiatan pangwawaran nu sagedé kieu di dunya. Aya loba hal nu bisa urang lakukeun pikeun ngadukung kagiatan ieu. Kumaha Sadérék bisa ngamangpaatkeun kaayaan nu tengtrem? (2 Tim. 4:2) Pék pikirkeun, na Sadérék atawa salah sahiji anggota kulawarga Sadérék bisa ngalakukeun leuwih loba hal dina pangwawaran, misalna naratas? Ayeuna lain waktuna pikeun ngumpulkeun harta banda, lantaran éta moal bisa nyalametkeun urang dina mangsa cilaka. (Sil. 11:4; Mat. 6:​31-33; 1 Yoh. 2:​15-17) Loba pawarta diajar basa anyar supaya bisa ngawawar jeung ngajar batur ngeunaan Yéhuwa dina 1.000 basa leuwih! w20.09 16 ¶9-​11

Saptu, 19 Maret

Jieun pakarang paranti bajuang.​—1 Tim. 1:​18.

Prajurit nu hadé téh satia. Manéhna bakal sakuat tanaga ngalindungan jalma nu dipikanyaah atawa hal nu penting keur manéhna. Paulus ngajurung Timoteus pikeun ngalatih diri dina ngabdi ka Allah, maksudna téh satia ka Mantenna. (1 Tim. 4:7) Mun urang beuki satia jeung nyaah ka Allah, urang bakal beuki pageuh nyekel bebeneran. (1 Tim. 4:​8-10; 6:6) Saurang prajurit nu disiplin bakal terus latihan supaya siap perang iraha waé. Timoteus bisa terus sayaga sacara rohani sabab manéhna disiplin. Manéhna terus nuturkeun naséhat Paulus pikeun ngalawan kahayang nu salah, boga sipat-sipat nu hadé, sarta gaul jeung dulur saiman. (2 Tim. 2:22) Urang gé kudu disiplin supaya bisa ngalawan kahayang nu salah. (Rum 7:​21-25) Terus mun urang disiplin, urang bisa ngarobah kalakuan jeung sipat-sipat urang. (Epe. 4:​22, 24) Misalna sanggeus sapoéan digawé, bisa jadi urang capé. Tapi mun urang disiplin, urang bakal maksakeun keur masamoan.​—Ibr. 10:​24, 25. w20.09 28 ¶9-​11

Minggu, 20 Maret

Tekad abdi bade tumut kana hukum-hukum dugi ka dintenan maot.​—Jab. 119:112.

Urang kudu sabar waktu mantuan palajar nyieun kamajuan pikeun ngabaktikeun diri jeung dibaptis. Tapi urang gé kudu nyaho, manéhna téh mémang hayang ngawula Yéhuwa atawa henteu. Na si palajar kacirina hayang ngajalankeun paréntah Yésus, atawa ngan resep diajar Alkitab wungkul? Sing sering merhatikeun kamajuan palajar. Misalna, na manéhna ngungkabkeun parasaanana ngeunaan Yéhuwa? Na manéhna ngadoa ka Yéhuwa? (Jab. 116:​1, 2) Manéhna resep maca Alkitab teu? (Jab. 119:97) Manéhna geus rutin masamoan can? (Jab. 22:​22, 23) Na manéhna geus nyieun parobahan dina kahirupan? Manéhna geus ngabagikeun bebeneran ka kulawarga jeung babaturanana can? (Jab. 9:2) Terus nu pangpentingna, manéhna téh hayang jadi Saksi Yéhuwa teu? (Jab. 40:9) Lamun teu aya hiji-hiji acan nu dilakukeun ku manéhna, Sadérék kudu nyaho naon nu ngahalangan manéhna. Geus kitu, bahas masalahna ku cara nu bageur, tapi terus terang. w20.10 18 ¶14-​15

Senén, 21 Maret

Kaula salawasna disarengan bae ku Mantenna anu ngutus. Kaula ku Mantenna tara dikantun, sabab salawasna nyieun anu kamanah ku Mantenna.​—Yoh. 8:​29.

Bapana Yésus di sorga teu pernah salah nyieun putusan. Kolotna nu di bumi gé nyieun putusan-putusan nu bijaksana. Tapi sanggeus gedé, Yésus tetep kudu nyieun putusan sorangan. (Gal. 6:5) Jiga urang kabéh, anjeunna gé dibéré kabébasan pikeun milih. Bisa waé Yésus milih pikeun nyenangkeun diri sorangan. Tapi anjeunna mah teu kitu. Yésus milih pikeun nyobat jeung Yéhuwa. Yésus milih pikeun ngajalankeun kahayang Yéhuwa, sabab anjeunna apal naon nu dipiharep ku Bapana. (Yoh. 6:38) Anjeunna apal bakal dipikangéwa ku loba jalma. Éta pasti jadi pikiran. Tapi, Yésus milih pikeun tunduk ka Yéhuwa. Sanggeus dibaptis taun 29 M, Yésus hayang ngagunakeun kahirupanna pikeun ngajalankeun kahayang Yéhuwa. (Ibr. 10:​5-7) Malah waktu geus sakarat dina tihang siksaan gé, Yésus tetep pengkuh.—Yoh. 19:30. w20.10 29 ¶12; 30 ¶15

Salasa, 22 Maret

Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun​—Ibr. 13:5.

Di sidang, aya teu dulur saiman anu keur strés? Meureun manéhna keur gering, boga masalah nu beurat, atawa ditinggal maot ku jalma nu dipikanyaah. Mun aya dulur saiman nu jiga kitu, urang bisa ménta bantuan ka Yéhuwa supaya urang bisa nunjukkeun perhatian ka maranéhna liwat omongan jeung tindakan. Sugan wé nu dibutuhkeun ku maranéhna téh perhatian jiga kitu. (1 Pet. 4:10) Urang moal sieun nyanghareupanana lantaran Yéhuwa pasti nulungan urang. Yéhuwa bisa nulungan urang liwat Yésus jeung para malaikat. Yéhuwa gé bisa ngagunakeun jalma-jalma anu boga wewenang pikeun ngajalankeun kahayang Mantenna. Terus, Sadérék gé meureun pernah ngarasakeun sorangan bantuan ti dulur-dulur saiman. Yéhuwa ngagunakeun roh suci-Na pikeun ngagerakkeun haté maranéhna. Jadi, urang bisa yakin jiga Rasul Paulus, ”Pangeran Panulung kuring, kuring moal salempang. Rek bisa naon manusa ka diri kuring?”—Ibr. 13:6. w20.11 17 ¶19-​20

Rebo, 23 Maret

Pihapekeun diri ka Kami, tan wande maraneh kuat jeung reugreug.​—Yes. 30:15.

Para rasul bisa ningali jelas yén Yéhuwa ngadukung maranéhna. Mantenna méré kawasa ka maranéhna pikeun nyieun mujijat-mujijat. (Ras. 5:​12-16; 6:8) Ayeuna, urang mémang teu dibéré kawasa jiga kitu. Tapi liwat Firman-Na, Yéhuwa ngayakinkeun urang, mun urang dikaniaya lantaran ngabéla bebeneran, Mantenna bakal reueus ka urang. Mantenna gé bakal méré roh suci-Na pikeun ngadukung urang. (1 Pet. 3:14; 4:14) Jadi, ulah mikirkeun teuing engké kudu kumaha mun dikaniaya. Ayeuna mah, mending urang nguatkeun kayakinan urang, ngarah leuwih percaya yén Yéhuwa bisa ngadukung jeung nyalametkeun urang. Urang kudu percaya kana jangji Yésus, ”Ku Kami bakal dibere piomongeun supaya maraneh perceka jeung bijaksana, nepi ka omongan maraneh moal aya anu bisa ngalawan atawa ngabantah.” Yésus gé jangji, ”Lamun maraneh tabah, tangtu baris rahayu.” (Luk. 21:​12-19) Jeung ulah poho, Yéhuwa inget kana kabéh hal rinci ngeunaan umat-Na nu satia nepi ka maot. Jadi, Mantenna bakal ngahirupkeun deui maranéhna. w21.01 4 ¶12

Kemis, 24 Maret

Abdi oge ngaharep ka Allah perkawis pihudangeunana sadaya jalmi tina maot.—Ras. 24:15.

Rasul Paulus nu mimiti nyebutkeun ngeunaan harepan pihudangeunana nu maot. Saacanna, Ayub gé pernah nyebutkeun hal éta. Manéhna yakin, Allah bakal inget jeung ngahirupkeun deui manéhna. (Ayub 14:​7-10, 12-15) ”Pihudangeunana anu geus maraot” téh salah sahiji pangajaran dasar Kristen. (Ibr. 6:​1, 2) Dina 1 Korinta pasal 15, Paulus ngabahas ngeunaan pihudangeunana nu geus maot. Kekecapanna éta pasti nguatkeun urang Kristen dina abad kahiji. Kekecapan éta gé bisa nguatkeun jeung beuki ngayakinkeun urang yén jalma-jalma nu geus maot bakal dihirupkeun deui. Lantaran Yésus Kristus geus dihirupkeun deui, urang bisa yakin engké jalma-jalma nu geus maraot bakal dihirupkeun deui. Harepan éta téh bagian tina ”Injil Kasalametan” anu diwawarkeun ku Paulus ka urang Korinta. (1 Kor. 15:​1, 2) Malah, manéhna ngomong mun urang Kristen teu percaya yén Yésus Kristus geus dihirupkeun deui, iman maranéhna téh percumah.​—1 Kor. 15:17. w20.12 2 ¶2-4

Jumaah, 25 Maret

Petrus ingeteun kana saur Yesus . . . Leos bae Petrus ka luar, ceurik nalangsa kabina-bina.​—Mat. 26:75.

Naon nu ngabantu Pétrus pikeun ngalawan parasaan leutik haté? Pétrus inget, Yésus geus ngadoakeun manéhna supaya teu pecat iman. Doa Yésus dijawab ku Yéhuwa. Geus kitu, Yésus gé némbongan ka Pétrus pikeun nguatkeun manéhna. (Luk. 22:32; 24:​33, 34; 1 Kor. 15:5) Terus sakali waktu, sanggeus para rasul ngala lauk sapeupeuting tapi euweuh hasil, Yésus némbongan ka maranéhna. Harita, Yésus méré kasempetan ka Pétrus pikeun ngungkabkeun kanyaahna ka Yésus. Éta nunjukkeun, Yésus geus ngahampura sobatna ieu. Tuluy, anjeunna gé méré leuwih loba tugas ka Pétrus. (Yoh. 21:​15-17) Sikep Yésus ka Pétrus nunjukkeun yén anjeunna téh welas asih pisan, jiga Bapana. Jadi mun urang nyieun kasalahan, urang teu meunang mikir Yéhuwa moal ngahampura urang. Nu hayang urang mikir jiga kitu téh Sétan. Sing inget, Yéhuwa téh nyaah ka urang sarta paham kana kalemahan urang. Mantenna gé daék ngahampura urang. Jadi, urang kudu nyonto Mantenna mun aya nu nganyenyeri urang.​—Jab. 103:​13, 14. w20.12 20-​21 ¶17-​19

Saptu, 26 Maret

Kaula tagen ngandel ka Allah.​—Jab. 27:3.

Urang bisa diajar tina pangalaman jalma-jalma nu hariwang teuing jeung teu ngandelkeun Yéhuwa. Pangalaman maranéhna bisa mantuan urang supaya teu ngalakukeun kasalahan nu sarua jiga maranéhna. Misalna, Raja Asa ngandelkeun Yéhuwa waktu aya masalah. Tapi ka dieunakeun, manéhna hayang ngurus masalah maké carana sorangan. (2 Bad. 16:​1-3, 12) Katingalina, Asa ménta bantuan ka Siria pikeun ngéléhkeun Israil, rencanana bakal suksés. Tapi, nyatana mah teu kitu. Yéhuwa ngomong liwat saurang nabi, ”Lantaran anjeun ngandelkeun raja Siria, lainna Yéhuwa Allah anjeun, pasukan raja Siria jadi luput ti anjeun.” (2 Bab. 16:​7, NW) Naon palajaranna keur urang? Urang kudu ati-ati. Ulah percaya diri teuing. Ulah mikir, urang mah sanggup ngurus masalah tanpa bingbingan Yéhuwa nu aya dina Firman-Na. Waktu kudu gancang nyieun putusan dina kaayaan darurat, urang kudu tetep tenang jeung ngandelkeun Yéhuwa. Mantenna bakal mantuan urang nyieun putusan nu bener. w21.01 6 ¶13-​15

Minggu, 27 Maret

Moal kalaparan deui.​—Wahyu 7:​16.

Ayeuna, aya sababaraha umat Yéhuwa nu kalaparan lantaran teu boga duit pikeun meuli dahareun, atawa lantaran di daérahna loba karusuhan jeung perang. Nu séjénna dipanjara lantaran ngabéla iman. Tapi maranéhna, anu jadi bagian tina jelema kacida lobana, bakal tetep bungah lantaran apal, sanggeus dunya nu jahat ieu diancurkeun, maranéhna bakal boga loba dahareun, boh jasmani boh rohani. Waktu Yéhuwa ngancurkeun dunya Sétan, maranéhna bakal luput tina amarah-Na nu panasna jiga seuneu nu ngagedur-gedur. Sanggeus liwat mangsa cilaka, Yésus bakal nungtun maranéhna kana ”cinyusu kahirupan [langgeng]”. (Wahyu 7:​17) Jadi, harepan nu dipiboga ku maranéhna téh istiméwa. Di antara miliaran jalma nu pernah hirup, jelema kacida lobana téh bisa jadi moal pernah maot! (Yoh. 11:26) Domba-domba lian nganuhunkeun ka Yéhuwa jeung Yésus lantaran dibéré harepan nu luar biasa! w21.01 16-​17 ¶11-​12

Senén, 28 Maret

Aranjeun bakal dikuatkeun ku Gusti anu sipat satuhu, diraksa ti si Jahat.​—2 Tes. 3:3.

Dina peuting saacan Yésus maot, anjeunna mikirkeun ngeunaan tangtangan anu bakal disanghareupan ku murid-muridna. Yésus téh nyaah pisan ka sobat-sobatna ieu. Ku kituna, Yésus ngadoa ka Bapana supaya maranéhna ”ditangtayungan ti si Jahat”. (Yoh. 17:​14, 15) Yésus apal yén sanggeus anjeunna balik deui ka sawarga, Sétan si Iblis bakal terus nyerang umat Yéhuwa. Jadi jelas, umat Yéhuwa téh butuh panyalindungan. Leuwih ti nu enggeus-enggeus, ayeuna urang butuh panyalindungan ti Yéhuwa. Sétan geus dibalangkeun ti sawarga, sarta ’napsuna ngagugudug’. (Wahyu 12:12) Manéhna nyababkeun jalma-jalma anu nganiaya urang mikir yén maranéhna téh keur ”ngabakti ka Allah”. (Yoh. 16:2) Terus, ari nu teu percaya ka Allah mah nganiaya urang téh lantaran urang béda ti dunya ieu. Tapi tong sieun, sabab Firman Allah nguatkeun urang sakumaha disebutkeun dina ayat poé ieu. w21.03 26 ¶1, 3

Salasa, 29 Maret

Moal aya anu bisa megatkeun asihna Allah ka urang, sakumaha anu geus diterapkeun ka urang ku jalan Kristus Yesus Gusti urang.​—Rum 8:​39.

Kabéh hal nu dilakukeun ku Yéhuwa téh dijurung ku kanyaah. Lantaran nyaah, Yéhuwa nyumponan kabéh pangabutuh urang. Bakating ku nyaah, Yéhuwa nyadiakeun tebusan keur urang. Yésus gé nyaah pisan ka urang nepi ka réla ngorbankeun nyawana demi urang. (Yoh. 3:​16; 15:13) Euweuh nu bisa megatkeun kanyaah Yéhuwa jeung Yésus keur jalma-jalma nu satia ka Aranjeunna. (Yoh. 13:1; Rum 8:​35) Jadi, kabéh tindakan kapala kulawarga kudu dijurung ku kanyaah. Ku naon kudu kitu? Rasul Yohanes méré jawabanana, ”Lamun ka dulur [atawa kulawarga] anu katenjo bungkeuleukan geus teu nyaah, komo ka Allah, anu henteu tembong.” (1 Yoh. 4:​11, 20) Kapala kulawarga nu nyaah ka kulawarga sarta hayang nyonto Yéhuwa jeung Yésus bakal nyadiakeun pangabutuh rohani, émosi, jeung jasmani kulawargana. (1 Tim. 5:8) Manéhna gé bakal ngabingbing jeung ngadidik barudakna. Terus, manéhna gé bakal nyieun putusan nu ngamulyakeun Yéhuwa jeung aya mangpaatna keur kulawarga. w21.02 5 ¶12-​13

Rebo, 30 Maret

Pasrahkeun kasusah maneh ka Allah, Mantenna tangtu ngaraksa.​—Jab. 55:23.

Bapa di sawarga mah ngartieun, nu baheula pernah kaalaman ku urang bisa nyababkeun urang boga pandangan nu salah ka diri sorangan. Geus kitu, Yéhuwa gé ningali sipat-sipat alus dina diri urang, sanajan meureun urangna teu ngarasa boga sipat-sipat éta. (1 Yoh. 3:​19, 20) Aya nu ngarasa leutik haté lantaran teterusan ngalakukeun kasalahan nu sarua. Padahal, manéhna geus upaya sakuat tanaga supaya teu ngalakukeun kasalahan éta deui. Parasaan jiga kitu téh wajar. (2 Kor. 7:10) Tapi, ulah kaleuleuwihi nepi ka mikir jiga kieu, ’Urang téh euweuh gunana. Yéhuwa moal pernah ngahampura urang.’ Pamikiran jiga kitu téh salah, sarta bisa nyieun urang eureun ngawula Yéhuwa. Jadi, pasrahkeun masalah urang ka Yéhuwa dina doa, sarta ménta dihampura ku Mantenna. (Yes. 1:18) Mun urang bener-bener tobat, Yéhuwa bakal ngahampura urang. Terus, urang gé bisa ménta tulung ka kokolot. Maranéhna bakal sabar mantuan urang supaya bisa kuat deui sacara rohani.—Yak. 5:​14, 15. w20.12 23 ¶5-6

Kemis, 31 Maret

Ka awewe nu karolot sing kawas ka indung, ka mojang sing kawas ka lanceuk atawa adi.​—1 Tim. 5:2.

Yésus ngahargaan para wanita. Dina jaman Yésus, urang Parisi téh ngarendahkeun wanita. Maranéhna embung tukeur pikiran ngeunaan Firman Allah jeung para wanita. Malah, maranéhna embung ngobrol jeung wanita di hareupeun batur! Tapi Yésus mah teu kitu. Waktu tukeur pikiran ngeunaan pangajaran Firman Allah bareng jeung murid-muridna, para wanita gé diajakan. (Luk. 10:​38, 39, 42) Terus, aya wanita-wanita nu sok milu iinditan jeung Yésus pikeun ngawawar. (Luk. 8:​1-3) Yésus gé méré tugas istiméwa ka para wanita, nyaéta pikeun méré nyaho para rasul yén anjeunna geus dihirupkeun deui tina maot. (Yoh. 20:​16-​18) Rasul Paulus ngahargaan para wanita. Paulus sadar, nu mimiti ngajarkeun Kitab Suci ka Timoteus téh nyaéta indung jeung ninina Timoteus. (2 Tim. 1:5; 3:​14, 15) Paulus gé nyebutkeun ngaran sadérék-sadérék istri dina suratna ka urang Rum. Manéhna teu ngan saukur muji, tapi ogé nganuhunkeun kana upaya maranéhna.​—Rum 16:​1-4, 6, 12; Pil. 4:3. w21.02 15 ¶5-6

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun