PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es22 kaca 37-46
  • April

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • April
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2022
  • Subjudul
  • Jumaah, 1 April
  • Saptu, 2 April
  • Minggu, 3 April
  • Senén, 4 April
  • Salasa, 5 April
  • Rebo, 6 April
  • Kemis, 7 April
  • Jumaah, 8 April
  • Saptu, 9 April
  • Minggu, 10 April
  • Senén, 11 April
  • Salasa, 12 April
  • Rebo, 13 April
  • Kemis, 14 April
  • TANGGAL PANGÉLING-NGÉLING
    Sanggeus Panonpoé Surup
    Jumaah, 15 April
  • Saptu, 16 April
  • Minggu, 17 April
  • Senén, 18 April
  • Salasa, 19 April
  • Rebo, 20 April
  • Kemis, 21 April
  • Jumaah, 22 April
  • Saptu, 23 April
  • Minggu, 24 April
  • Senén, 25 April
  • Salasa, 26 April
  • Rebo, 27 April
  • Kemis, 28 April
  • Jumaah, 29 April
  • Saptu, 30 April
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2022
es22 kaca 37-46

April

Jumaah, 1 April

Anu ditulis dina Kitab Suci teh kabeh oge maksudna ngajar urang.—Rum 15:4.

Na Sadérék boga tangtangan anu beurat? Meureun aya dulur saiman anu nganyenyeri haté Sadérék. (Yak. 3:2) Atawa meureun, aya batur sakola atawa batur gawé anu moyokan lantaran Sadérék ngalayanan Yéhuwa. (1 Pet. 4:3, 4) Bisa ogé, aya anggota kulawarga anu ngahalang-halang Sadérék supaya teu masamoan jeung nyaritakeun bebeneran ka batur. (Mat. 10:35, 36) Mun tangtanganana beurat pisan, Sadérék meureun hayang nyerah. Tapi sing yakin, teu sual naon tangtanganana, Yéhuwa bakal méré hikmat jeung kakuatan supaya Sadérék sanggup nyanghareupanana. Dina Firman-Na, Yéhuwa nyatet kisah ngeunaan jalma-jalma teu sampurna nu nyanghareupan tangtangan nu beurat. Jang naon ieu dicatet? Supaya urang bisa diajar ti maranéhna. Éta alesanana Yéhuwa ngagunakeun Rasul Paulus pikeun nyatet. Urang bisa dikuatkeun jeung boga harepan lamun maca kisah maranéhna. Tapi mun hayang meunang mangpaat, teu cukup ngan maca wungkul. Pikiran jeung haté urang kudu daék dirobah supaya sajalan jeung Alkitab. w21.03 14 ¶1-2

Saptu, 2 April

Pek ilikan, sawah geus koneng, meujeuhna dipibuatan!—Yoh. 4:35.

Naha Sadérék mandang jalma-jalma nu diwawaran siga pepelakan nu geus siap dipanén? Mun enya, aya tilu hal nu bakal dirasakeun. Kahiji, Sadérék bakal leuwih sumanget ngawawar lantaran mangsa panén téh ngan sakeudeung. Sadérék moal miceunan waktu. Kadua, Sadérék bakal bungah ningali jalma-jalma narima warta hadé. Alkitab nyebutkeun mangsa panén téh matak pikabungaheun. (Yes. 9:3) Katilu, Sadérék bakal nganggap unggal jalma téh bisa jadi murid Kristus, jadi Sadérék bakal néang cara supaya bisa ngageuing minat jalma-jalma. Meureun aya murid-murid nu mikir, urang Samaria moal pernah bisa jadi murid Yésus, tapi Yésus mah teu kitu. Anjeunna nganggap maranéhna bisa jadi murid. Urang gé kudu nganggap jalma-jalma di daérah urang bisa jadi murid Kristus. Paulus méré tuladan hadé nu bisa dipiconto. Anjeunna apal nu dipercaya ku jalma-jalma nu diwawaran, ngarti naon nu dipikaresep ku jalma-jalma, jeung nganggap maranéhna pijadieun murid Yésus. w20.04 8-9 ¶3-4

Minggu, 3 April

Nu aya di enggon nu paeh ge ku PANGERAN mah kauninga. Jadi pimanaeun manusa bisa nyumputkeun eusi hatena ti Allah?—Sil. 15:11.

Ti batan ngukur batur tina lalampahanana, leuwih hadé lamun urang sabisa-bisa paham kana parasaanana. Ngan Yéhuwa nu bisa bener-bener paham ka urang. Jadi, pénta bantuan Yéhuwa sangkan Sadérék bisa mandang batur saperti Yéhuwa mandang manéhna, ogé sangkan Sadérék bisa karunya ka manéhna. Urang teu meunang mikir aya nu kudu dipikarunya aya nu henteu. Kabéh boga masalah, kalolobaan boga masalah nu méh sarua siga Yunus, Élias, Hajar, jeung Elut. Di antarana mémang aya nu boga masalah ku lantaran kasalahan sorangan, tapi sabenerna mah urang kabéh gé pernah kitu. Jadi, asup akal lamun Yéhuwa ngajurung urang pikeun rasrasan ka papada dulur. (1 Pet. 3:8) Lamun urang nurut, urang bakal nguatkeun kasatunggalan ti kulawarga sadunya nu anggotana rupa-rupa jalma. Jadi, mugia urang boga tékad pikeun ngadéngékeun, kenal, jeung karunyaan ka dulur saiman. w20.04 18-19 ¶15-17

Senén, 4 April

Kristus oge geus nandangan sangsara pikeun aranjeun, sarta Anjeunna maparin tuladan anu ku urang kudu dipiconto.—1 Pet. 2:21.

Yésus téh jadi tuladan nu sampurna sabab anjeunna taat ka Yéhuwa. Jadi supaya bisa taat ka Yéhuwa, urang kudu sabisa-bisa nyonto ka Yésus. (Yoh. 8:29) Supaya bisa aya dina jalan bebeneran, urang kudu yakin yén kabéh nu diomongkeun Yéhuwa dina Firman-Na, nyaéta Alkitab, téh bener. Urang gé kudu yakin Yésus téh Mésias nu dijangjikeun. Kiwari, loba nu cangcaya Yésus téh geus jadi Raja ti Karajaan Allah. Yohanes ngingetan aya loba ”jelema tukang nyasabkeun”. (2 Yoh. 7-11) Maranéhna bisa nyasabkeun jalma-jalma nu imanna ka Yéhuwa jeung Yésus teu pati kuat. Yohanes nulis, ”Nu mana atuh anu ngabohong teh? Geus tangtu anu nyebutkeun Yesus lain Kristus.” (1 Yoh. 2:22) Hiji-hijina cara supaya urang teu kabobodo nyaéta diajar Firman Allah. Ngan ku cara kitu urang bisa apal nu bener ngeunaan Yéhuwa jeung Yésus. (Yoh. 17:3) Ku kituna, urang bakal yakin urang téh geus aya dina jalan bebeneran. w20.07 21 ¶4-5

Salasa, 5 April

Sing sabisa-bisa ulah nyieun lantaran dulur tikosewad labuh kana dosa.—Rum 14:13.

Salah sahiji cara sangkan urang teu ”ngalantarankeun batur labuh” nyaéta urang sabisa-bisa daék ngéléhan, ulah maksakeun kahayang sorangan. (Rum 14:19-21; 1 Kor. 8:9, 13) Dina hal ieu, urang béda jeung atlét balap lumpat nu nyaanan nu hayang meunangkeun hadiah keur sorangan. Manéhna ngan saukur mikirkeun kapentinganana sorangan lantaran hayang jadi nu panghareupna. Tapi urang mah teu paunggul-unggul jeung batur. (Gal. 5:26; 6:4) Tujuan urang justru hayang ngabantu saloba-lobana jalma nepi ka garis ahir bareng jeung urang, sarta narima hadiah mangrupa kahirupan. Jadi urang hayang ngalarapkeun naséhat nu diilhamkeun, ”Hargaan kapentingan batur, ulah mentingkeun diri sorangan bae.” (Pil. 2:4) Dina pangbalapan urang, Yéhuwa ngajamin bakal masihan hadiah ka umat-Na nu ngaréngsékeun pangbalapan, nyaéta hirup langgeng di sawarga atawa di bumi pirdaus. w20.04 28 ¶10; 29 ¶12

Rebo, 6 April

Eta teh jalma-jalma anu tas dikaniaya kacida hebatna.—Wahyu 7:14.

Jutaan urang Kristen bakal salamet jeung hirup di dunya anyar. Maranéhna gé bakal nyaksian, kumaha maot ditaklukkeun waktu miliaran jalma nu geus maot baheula diharirupkeun deui. Bayangkeun kumaha bungahna waktu éta kajadian! (Ras. 24:15) Kabéh nu kabukti satia ka Yéhuwa bakal unggul tina maot, nu diwariskeun ku Adam. Maranéhna bakal hirup langgeng. Surat Paulus ka urang Kristen di Korinta ngeunaan pihudangeunana nu maot téh nengtremkeun pisan. Kabéh urang Kristen pasti nganuhunkeun kana hal éta. Urang gé hayang nuturkeun naséhat Paulus, ku cara sabisa-bisa ”ngalakonan kawajiban pikeun Gusti”. (1 Kor. 15:58) Mun urang satia jeung getol ngalakonan kawajiban urang, urang bisa yakin hirup urang bakal bagja dina mangsa kahareup. Waktu harepan urang jadi nyata, éta téh bakal jauh leuwih éndah tibatan nu bisa urang bayangkeun. Upaya urang ayeuna téh moal percumah! w20.12 13 ¶16-17

Kemis, 7 April

Raja-raja saalam dunya katut angkatan perangna tembong, geus ngahiji sakait rek merangan anu tunggang kuda jeung angkatan perang-Na.—Wahyu 19:19.

Katingalina, nubuat dina Yeheskel 38:10-23; Daniel 2:43-45; 11:44–12:1; jeung Wahyu 16:13-16, 21 ngajelaskeun waktu jeung kajadian nu sarua. Lamun kitu, bisa waé ieu nu bakal kajadian. Teu lila sanggeus mangsa cilaka dimimitian, ”raja-raja saalam dunya” bakal ngagabung. (Wahyu 16:13, 14) Dina Alkitab, gabungan bangsa-bangsa ieu disebut ’Gog di tanah Magog’. (Yeh. 38:2) Maranéhna bakal bébéakan nyerang umat Allah. Ngeunaan waktu ieu, Rasul Yohanes nempo hujan és batu nu kacida baradagna ninggangan musuh Allah. Hujan és batu éta bisa jadi ngagambarkeun warta panghakiman nu tegas nu ditepikeun ku umat Yéhuwa. Bisa jadi, Gog ti Magog jadi kapancing pikeun nyerang jeung numpes umat Allah.—Wahyu 16:21. w20.05 15 ¶13-14

Jumaah, 8 April

Sakumaha jahatna maraneh, tangtu nyaho naon nu hade bikeuneun ka anak! Komo deui Rama maraneh nu di sawarga mah! Mantenna tangtu maparinkeun Roh Suci ka sing saha anu menta ka Mantenna.—Luk. 11:13.

Roh suci atawa kawasa ti Allah téh harta nu kudu dijaga ku urang. Urang bisa leuwih ngahargaan roh suci lamun urang mikirkeun naon waé nu geus dihasilkeunana dina jaman urang. Saacan diangkat ka sawarga, Yésus ngomong ka murid-murid, ”Maraneh, lamun Roh Suci geus sumping bakal narampa kawasa, pikeun jaradi saksi-saksi Kami . . . nepi ka tungtung bumi.” (Ras. 1:8) Ku bantuan roh suci, ayeuna aya leuwih ti dalapan satengah juta jalma di sakuliah dunya nu jadi umat Yéhuwa. Sabagé umat Yéhuwa, urang kabéh gé bisa hirup rukun ngahiji lantaran roh suci ngabantu urang boga sipat-sipat hadé, saperti kanyaah, gumbira, tengtrem haté, sabar, kahadéan haté, kahadéan, iman, lemah lembut, kadali diri. Sipat-sipat ieu téh hasil tina ’buah padamelan Ruh’. (Gal. 5:22, 23, SF) Roh suci téh bener-bener harta nu istiméwa! w20.05 28 ¶10; 29 ¶13

Saptu, 9 April

Sakumaha halna maot dilantarankeun ku manusa saurang, pihudangeunana anu geus maraot oge dilantaran ku manusa saurang.—1 Kor. 15:21.

Katingalina, jalma-jalma bakal apaleun mun jalma nu dipikanyaah ku maranéhna dihirupkeun deui. Ku naon? Aya sababaraha alesan, misalna mun ningali kumaha Yéhuwa ngahirupkeun deui jalma-jalma dina jaman baheula, katingalina engké gé Yéhuwa bakal nyiptakeun deui jalma-jalma ku rupa, cara ngomong, sarta pikiran nu sarua jiga saacan maranéhna maot. Terus, Yésus gé nyaruakeun nu maot jiga nu keur saré. Jadi waktu dihirupkeun deui, maranéhna téh jiga nu dihudangkeun tina saréna. (Mat. 9:18, 24; Yoh. 11:11-13) Mun jalma hudang saré, rupa, sora, jeung ingetanana moal barobah. Pikirkeun kisah Lasarus. Manéhna geus maot salila opat poé, jadi pasti awakna geus mulai ruksak. Tapi waktu Yésus ngahirupkeun deui manéhna, dulur-dulurna langsung apaleun ka manéhna. Lasarus gé langsung inget ka dulur-dulurna.—Yoh. 11:38-44; 12:1, 2. w20.08 14 ¶3; 16 ¶8

Minggu, 10 April

Kasalametan teh ti Allah urang, anu linggih dina tahta, jeung ti Anak Domba.—Wahyu 7:10.

Keur Yéhuwa mah, jalma-jalma nu diistrénan jeung domba-domba lian téh sarua pentingna. Kanyaah Yéhuwa ka domba-domba lian téh sarua jiga kanyaah-Na ka jalma nu diistrénan. Buktina, Yéhuwa mayar harga nu sarua pikeun meuli maranéhna, nyaéta ku kahirupan Putra-Na. Nu ngabédakeun maranéhna téh ngan harepanana wungkul. Tapi, maranéhna tetep kudu satia ka Allah jeung Kristus. (Jab. 31:24) Terus urang gé kudu inget, Yéhuwa méré roh suci-Na sakumaha nu dibutuhkeun ku saurang jalma, teu sual manéhna jalma nu diistrénan atawa domba-domba lian. Yéhuwa méré harepan nu éndah ka kabéh umat-Na nu satia. (Yer. 29:11) Acara Pangéling-ngéling pupusna Kristus jadi kasempetan urang kabéh pikeun ngamulyakeun Allah sarta Kristus. Aranjeunna téh geus nyieun pangorbanan supaya urang bisa hirup langgeng. Ku kituna, acara Pangéling-ngéling téh jadi acara nu pangpentingna keur urang Kristen nu sajati. w21.01 18 ¶16; 19 ¶19

Senén, 11 April

Lampahkeun saterusna.—1 Kor. 11:25.

Kalolobaan nu datang ka acara Pangéling-ngéling téh boga harepan pikeun hirup di bumi. Terus, keur naon atuh maranéhna datang? Jiga datang ka pésta kawin, jalma-jalma datang lantaran nyaah jeung hayang ngadukung pangantén éta. Kitu ogé, domba-domba lian datang ka acara Pangéling-ngéling lantaran nyaah jeung hayang ngadukung Kristus sarta jalma-jalma nu diistrénan. Terus, maranéhna gé datang lantaran ngahargaan korban tebusan Yésus, nu ngalantarankeun maranéhna boga harepan pikeun hirup langgeng di bumi. Tapi, aya alesan séjén ku naon domba-domba lian datang ka acara Pangéling-ngéling, nyaéta lantaran taat kana paréntah Yésus. Waktu Yésus ngayakeun acara Jamuan Wengi Jungjunan jeung rasul-rasulna nu satia, anjeunna ngomong, ”Lampahkeun saterusna pikeun ngingetkeun ka Kami.” (1 Kor. 11:23-26) Ku kituna, domba-domba lian terus datang ka acara Jamuan Wengi Jungjunan bareng jeung sababaraha jalma nu diistrénan nu hirup kénéh di bumi. w21.01 17-18 ¶13-14

Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 9 Nisan) Yohanes 12:12-19; Markus 11:1-11

Salasa, 12 April

Allah geus ngabuktikeun sipat asih-Na, ku ngutus Putra tunggal-Na ka ieu dunya, supaya ku jalan Putra-Na urang meunangkeun hirup.—1 Yoh. 4:9.

Kanyaah kudu dibuktikeun ku tindakan. (Bandingkeun Yakobus 2:17, 26.) Misalna, perhatikeun cara Yéhuwa ngabuktikeun kanyaah-Na ka urang. (1 Yoh. 4:19) Mantenna ngungkabkeun kanyaah-Na liwat kekecapan nu dicatet dina Alkitab. (Jab. 25:10; Rum 8:38, 39) Najan kitu, urang bisa ngarasakeun Allah téh nyaah ka urang, lain tina kekecapan-Na wungkul, tapi ogé tina tindakan-Na. Yéhuwa geus réla Putra-Na sangsara jeung maot demi urang. (Yoh. 3:16) Jadi, Yéhuwa téh pasti nyaah pisan ka urang. Urang ngabuktikeun kanyaah urang ka Yéhuwa jeung Yésus ku cara taat kana paréntah Aranjeunna. (Yoh. 14:15; 1 Yoh. 5:3) Yésus geus maréntahkeun supaya urang silih pikanyaah. (Yoh. 13:34, 35) Jadi, urang kudu nunjukkeun yén urang nyaah ka dulur saiman. Pék tunjukkeun liwat kekecapan jeung tindakan urang.—1 Yoh. 3:18. w21.01 9 ¶6; 10 ¶8

Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 10 Nisan) Yohanes 12:20-50

Rebo, 13 April

Maraneh ku Kami disebut sobat.—Yoh. 15:15.

Jalma-jalma nu diistrénan ku roh suci boga harepan pikeun babarengan jeung Yésus salanggengna lantaran maréntah bareng dina Karajaan Allah. Maranéhna bisa bener-bener babarengan jeung Yésus, bisa ningali sarta ngobrol jeung anjeunna. (Yoh. 14:2, 3) Jalma-jalma nu boga harepan hirup di bumi ogé bakal dipikanyaah jeung diperhatikeun ku Yésus. Sanajan maranéhna teu bisa ningali Yésus, sosobatan maranéhna bakal beuki kuat waktu maranéhna ngarasakeun bagjana kahirupan nu dipasihkeun ku Yéhuwa jeung Yésus. (Yes. 9:6, 7) Lamun urang daék jadi sobat Yésus, urang narima loba berkah. Misalna, ti ayeuna kénéh gé urang dipikanyaah jeung dibantuan ku anjeunna. Urang boga kasempetan pikeun hirup langgeng. Jeung nu pangpentingna, lantaran nyobat jeung Yésus, urang bisa meunangkeun harta nu pangalusna, nyaéta sosobatan jeung Yéhuwa, Bapana Yésus. Nyobat jeung Yésus téh mangrupa kahormatan nu pohara! w20.04 25 ¶15-16

Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 11 Nisan) Lukas 21:1-36

Kemis, 14 April

Sakabeh anu geus maraot bakal dihirupkeun deui.—1 Kor. 15:22.

Surat Rasul Paulus ieu téh ditujukeun ka urang Kristen nu diistrénan di Korinta, nu bakal dihirupkeun deui di sawarga. Jadi, maranéhna téh kaasup di antara ”sakabeh” nu bakal dihirupkeun deui. Maranéhna ”geus disaur dijadikeun umat suci Allah, . . . ku jalan ngahiji jeung Kristus Yesus”. Paulus nyebut ’jalma-jalma nu geus saré dina maot téh sabagé jalma nu ngahiji jeung Kristus’. (1 Kor. 1:2; 15:18, NW; 2 Kor. 5:17, SF) Dina suratna nu séjén, Paulus nulis yén jalma nu ”geus ngahiji jeung Kristus sarta maot bareng jeung Anjeunna” bakal ”dihudangkeun tina maot saperti Anjeunna”. (Rum 6:3-5) Yésus dihirupkeun deui sabagé mahluk roh, tuluy diangkat ka sawarga. Jadi, jalma-jalma nu ngahiji jeung Kristus, nyaéta urang Kristen nu diistrénan, bakal dihirupkeun deui sabagé mahluk roh, tuluy diangkat ka sawarga ogé. Paulus nulis, ”Yésus téh nu pangmimitina dihirupkeun deui ti jalma-jalma nu sararé dina maot.” (1 Kor. 15:20) Yésus téh nu pangmimitina dihirupkeun deui sabagé mahluk roh jeung narima hirup langgeng. w20.12 6 ¶15-16

Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 12 Nisan) Mateus 26:1-5, 14-16; Lukas 22:1-6

TANGGAL PANGÉLING-NGÉLING
Sanggeus Panonpoé Surup
Jumaah, 15 April

Saterusna hirup reureujeungan jeung Gusti.—1 Tes. 4:17.

Ayeuna, mun urang Kristen nu diistrénan maot, maranéhna langsung dihirupkeun deui di sawarga. Éta sajalan jeung kekecapan Rasul Paulus dina 1 Korinta 15:51, 52. Kekecapan Paulus ieu téh keur jadi kanyataan. Sanggeus dihirupkeun deui, dulur-dulur Kristus ieu bakal suka bungah. Di sawarga, naon nu bakal dilakukeun ku jalma-jalma nu dirobah ”di jero sakiceup mata”? Ceuk Yésus, ”Sakur nu unggul, anu ngalampahkeun pangersa Kami nepi ka tutug, rek dibere kawasa sakumaha kawasa anu katarima ku Kami ti Ama Kami, nya eta kawasa murba ka bangsa-bangsa, kawasa marentah jeung ngagitik maranehna ku iteuk beusi datang ka bubuk kawas pariuk remuk.”—Wahyu 2:26-28. w20.12 12-13 ¶14-15

Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 13 Nisan) Mateus 26:17-19; Markus 14:12-16; Lukas 22:7-13 (Kajadian sanggeus panonpoé surup: 14 Nisan) Yohanes 13:1-5; 14:1-3

Saptu, 16 April

Kristus teh geus digugahkeun ti nu maraot.—1 Kor. 15:20.

Yésus téh nu pangmimitina dihirupkeun deui sabagé mahluk roh jeung narima hirup langgeng. Paulus nyebut Yésus nu pangmimitina lantaran sanggeus Yésus, aya jalma-jalma séjén nu bakal dihirupkeun deui pikeun hirup di sawarga. (1 Kor. 15:18, NW) Waktu Paulus nulis surat ka urang Korinta, urang Kristen nu diistrénan téh can dihirupkeun deui di sawarga. Jadi, iraha dihirupkeunana téh? Paulus nulis, ”Masing-masing kudu nurutkeun giliranana: Kristus anu ti heula; engke, dina waktu Anjeunna sumping deui, kakara giliran anu aranut ka Anjeunna.” (1 Kor. 15:23; 1 Tes. 4:15, 16) Ayeuna, urang hirup dina mangsa ’pisumpingeunana’ Kristus. Jadi, baheula para rasul jeung urang Kristen séjénna nu diistrénan anu geus maraot kudu nungguan nepi ka mangsa pisumpingeunana Kristus, kakara maranéhna ”dihudangkeun tina maot saperti [Kristus]”, sarta narima hadiah pikeun hirup di sawarga.—Rum 6:5. w20.12 5 ¶12; 6 ¶16-17

Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 14 Nisan) Yohanes 19:1-42

Minggu, 17 April

Badan anu dikubur teh sipatna henteu langgeng, ari badananu geus dihirupkeun deuisipatna abadi.—1 Kor. 15:42.

Rasul Paulus téh keur ngomongkeun jalma-jalma nu dihirupkeun deui di sawarga ku ”badan nu sipatna rohani.” (1 Kor. 15:44) Waktu hirup di bumi, Yésus téh boga awak nu sipatna daging. Tapi waktu dihirupkeun deui, anjeunna jadi ”roh anu ngahirupkeun” jeung balik deui ka sawarga. Kitu ogé, urang Kristen nu diistrénan bakal dihirupkeun deui dina wujud roh jeung hirup di sawarga. Paulus ngajelaskeun, ”Urang dijurukeun teh sakumaha mahluk anu asal tina lebu taneuh; ari engke mah, urang teh baris sakumaha anu asal ti sawarga.” (1 Kor. 15:45-48; 1 Kor. 15:49, SF) Inget, Yésus téh teu dihirupkeun deui maké awak nu sipatna daging. Paulus nyebutkeun yén ”sipat daging jeung getih moal bisa dibawa ka Karajaan Allah” di sawarga. (1 Kor. 15:50) Jadi, para rasul jeung urang Kristen nu diistrénan gé moal dihirupkeun deui di sawarga maké awak nu sipatna daging jeung getih, nu bisa ancur. w20.12 11 ¶10-12

Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 15 Nisan) Mateus 27:62-66 (Kajadian sanggeus panonpoé surup: 16 Nisan) Yohanes 20:1

Senén, 18 April

He maot, mana kakawasaan maneh? Mana peurahpanyeureud maneh?—1 Kor. 15:55.

Allah méré ilham ka sababaraha murid Yésus dina abad kahiji pikeun nulis ngeunaan dihirupkeunana deui jalma-jalma di sawarga. Rasul Yohanes ngajelaskeun, ”Dulur-dulur nu dipikanyaah, ayeuna urang téh putra-putra Allah, tapi urang can nyaho engké urang bakal kumaha. Nu pasti mah urang bakal jiga Mantenna waktu Mantenna némbongkeun dirina, sabab urang bakal bener-bener nénjo Mantenna.” (1 Yoh. 3:2, NW) Jadi, urang Kristen nu diistrénan téh can nyaho engké maranéhna bakal kumaha waktu dihirupkeun deui di sawarga dina wujud roh. Tapi, engké maranéhna bakal nénjo Yéhuwa. Alkitab méré sababaraha katerangan ngeunaan hal éta. Maranéhna bakal babarengan jeung Kristus waktu anjeunna ’nalukkeun sakabeh pamarentahan, sakabeh kawasa, jeung sakabeh kakuatan’, sarta nalukkeun ”musuh anu pangpandeurina . . . nya eta maot”. Ahirna, Yésus jeung maranéhna ’bakal nalukkeun anjeun’ jeung saniskara ka Yéhuwa. (1 Kor. 15:24-28) Pasti éta téh luar biasa! w20.12 8 ¶2

Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 16 Nisan) Yohanes 20:2-18

Salasa, 19 April

Jisim abdi oge ngaharep ka Allah perkawis pihudangeunana sadaya jalmi tina maot, boh nu bageur, boh nu jahat.—Ras. 24:15.

Urang Kristen satia nu teu boga harepan pikeun hirup di sawarga bareng jeung Kristus gé bakal dihirupkeun deui. Alkitab nyebutkeun, Rasul Paulus jeung jalma-jalma séjénna nu ka sawarga téh ”hirup deui dina mangsa hudang nu kahiji”. (Wahyu 20:6) Hartina, sanggeus éta bakal aya pihudangeun séjén keur jalma-jalma nu geus maot. Éta sajalan jeung naon nu dipercaya ku Ayub. (Ayub 14:15) Engké, urang Kristen nu diistrénan geus aya di sawarga waktu Yésus ngancurkeun kabéh pamaréntahan, kakawasaan, jeung kakuatan. Geus kitu, ”musuh anu pangpandeurina, nya eta maot” bakal disingkirkeun. Jalma-jalma nu dihirupkeun di sawarga mah mémang moal maot deui. Tapi, kumaha jeung nu séjénna? (1 Kor. 15:23-26) Jalma-jalma nu teu boga harepan hirup di sawarga bisa yakin kana ayat poé ieu. Jalma-jalma nu jahat, maksudna nu teu kenal ka Allah, moal bisa asup ka sawarga. Jadi, jalma-jalma anu disebutkeun di ayat ieu bakal dihirupkeun deui di bumi. w20.12 7 ¶18-19

Rebo, 20 April

[Kristus] geus ngurbankeun hirup-Na ku anjeun ku tina asih-Na ka sim kuring.—Gal. 2:20.

Bisa jadi urang mikir, ’Ti mana abdi nyaho Yéhuwa daék ngahampura abdi?’ Mun Sadérék nanya jiga kitu, éta hartina Sadérék masih bisa dihampura ku Yéhuwa. Ku naon bisa kitu? Puluhan taun katukang, The Watchtower nyebutkeun kieu, ”[Meureun] baheula urang boga kabiasaan goréng, terus ayeuna sok kambuh deui. . . . Ulah mikir Yéhuwa moal bisa ngahampura dosa urang. Nu hayang urang mikir jiga kitu mah Sétan. Mun Sadérék ngalakukeun kasalahan, terus ngarasa sedih jeung keuheul ka diri sorangan, éta nunjukkeun Sadérék masih bisa barobah, sarta ngabuktikeun Yéhuwa masih bisa ngahampura Sadérék. Pék terus rendah haté jeung ngadoa ménta dihampura ku Allah. Pénta Mantenna mantuan Sadérék supaya teu teterusan ngarasa salah jeung henteu ngalakukeun kasalahan nu sarua deui. Saacan jadi urang Kristen, Rasul Paulus ngalakukeun sababaraha dosa gedé. Paulus inget kana dosa-dosana. (1 Tim. 1:12-15) Tapi manéhna nganggap tebusan téh hadiah ti Allah keur manéhna pribadi. Jadi, Paulus teu teterusan ngarasa salah. Manéhna leuwih mikirkeun naon nu bisa dilakukeun ku manéhna keur Yéhuwa. w20.11 27 ¶14; 29 ¶17

Kemis, 21 April

Lamun di antara aranjeun aya anu kurang bijaksana, kudu nyuhunkeun ka Allah supaya dipaparin kabijaksanaan, da Allah mah sipat murah jeung welas asih.—Yak. 1:5.

Sétan boga loba cara sangkan urang ngalakukeun dosa. Urang rék kumaha? Bisa waé urang néang-néang alesan. Misalna urang mikir, ”Ah mun ngalakukeun ieu, aing moal dipecat da. Jadi, jigana mah teu salah-salah teuing.” Pamikiran jiga kitu téh kaliru pisan! Urang kuduna mikir, ”Na ieu téh cara Sétan sangkan abdi ngadua haté? Mun abdi nuturkeun hasrat nu salah, nami Yéhuwa bakal jadi goréng teu? Mun ngalakukeun ieu, abdi bakal beuki akrab jeung Yéhuwa, atawa malah beuki jauh?” Pikirkeun pananya-pananya éta. Pék ngadoa ménta kabijaksanaan sangkan Sadérék bisa ngajawab sacara jujur, teu ngabobodo diri sorangan. Éta téh panyalindungan keur Sadérék. Mun geus kitu, Sadérék bisa jiga Yésus nu tegas ngalawan gogoda. Ceuk anjeunna, ”Geura nyingkah, Iblis!” (Mat. 4:10) Ngadua haté téh bahaya. w20.06 13 ¶16-17

Jumaah, 22 April

Sim kuring . . . mere pepeling ka aranjeun: Ulah boga rasa diri leuwih ti kaayaan anu sabenerna. Ngukur diri kudu reujeung rendah hate.—Rum 12:3.

Urang réla tunduk ka Yéhuwa sabab urang ngarti Yéhuwa apal naon nu panghadéna keur urang. (Epe. 4:22-24) Lamun urang rendah haté, urang bakal miheulakeun kahayang Yéhuwa jeung kapentingan batur ti batan diri sorangan. Hasilna, urang bisa nyobat jeung Yéhuwa sarta dulur-dulur saiman. (Pil. 2:3) Lamun teu ati-ati, urang bisa sombong jeung mentingkeun diri jiga loba jalma di dunya ieu. Katingalina, sababaraha jalma dina abad kahiji geus rada kabawakeun ku sipat-sipat ieu, sabab Paulus nulis, ”Sim kuring . . . mere pepeling ka aranjeun: Ulah boga rasa diri leuwih ti kaayaan anu sabenerna. Ngukur diri kudu reujeung rendah hate.” (Rum 12:3) Paulus apal urang kudu ngahargaan diri sorangan. Tapi, urang moal kaleuleuwihi lamun urang rendah haté. w20.07 2 ¶1-2

Saptu, 23 April

[Nagara éta euweuh nu ngaganggu, ”NW”] mangtaun-tauntara nyorang perang.—2 Bab. 14:6.

Dina jaman Raja Asa, kaayaan barobah jadi teu tengtrem. Pasukan ti Étiopia datang rék nyerang, prajuritna aya sajuta leuwih. Sérah, pamingpinna, yakin yén pasukan manéhna bisa ngéléhkeun Yuda. Tapi, Asa ngandelkeun Yéhuwa. Manéhna ngadoa, ”Tulungan abdi sadaya nun Gusti PANGERAN, reh abdi sadaya percanten ka Gusti, reh bade ngayonan balad anu sakitu ageungna teh ngemban pajenengan Gusti.” (2 Bab. 14:11) Najan pasukan Étiopia jumlahna ampir dua kalieun pasukan Yuda, Asa yakin Yéhuwa boga kawasa jeung sanggup nyalametkeun umat-Na. Mémang éta nu Yéhuwa lakukeun, Mantenna nyalametkeun umat-Na. Ahirna, pasukan Étiopia éléh jeung dijieun éra. (2 Bab. 14:8-13) Urang mémang teu apal naon percisna nu bakal kajadian dina mangsa kahareup. Tapi nu pasti mah, katengtreman nu ayeuna urang rasakeun moal aya saterusna. Yésus geus méré nyaho yén dina ahir jaman, murid-muridna bakal ”dipikageuleuh ku unggal jelema.”—Mat. 24:9. w20.09 18 ¶14-16

Minggu, 24 April

Sim kuring mah. . .dikaniaya kajeun.—2 Kor. 12:10.

Euweuh nu resep dihina. Tapi mun musuh ngahina jeung urangna mikirkeun teuing omongan maranéhna, urang bisa leutik haté. (Sil. 24:10) Jadi, urang kudu kumaha? Jiga Rasul Paulus, urang bisa ”senang najan . . . dihina”. Ku naon? Lantaran mun dihina jeung meunang tangtangan, éta tandana urang téh murid Yésus nu sajati. (1 Pet. 4:14) Ceuk Yésus, murid-muridna bakal dikaniaya. (Yoh. 15:18-20) Éta kabukti dina abad kahiji. Harita, jalma-jalma nu kapangaruhan ku adat kabiasaan Yunani nganggap urang Kristen téh jalma bodo jeung lemah. Ku urang Yahudi gé, urang Kristen téh dianggap jalma ”basajan bae, lain anu palinter”, contona Pétrus jeung Yohanes. (Ras. 4:13) Urang Kristen dianggap lemah sabab teu boga pangaruh nanaon dina hal pulitik jeung militer. Jadi, maranéhna teu dianggap di masarakat. Urang Kristen dina abad kahiji disapirakeun ku para musuh. Na maranéhna jadi eureun ngawula Yéhuwa? Henteu. w20.07 14-15 ¶3-4

Senén, 25 April

Hayu dulur-dulur urang silih pikaasih, sabab sipat asih teh asal ti Allah. Anu boga sipat asih, eta putra Allah, terang ka Allah.—1 Yoh. 4:7.

Rasul Yohanes nyaah pisan ka dulur-dulur saimanna sarta hayang maranéhna boga iman nu kuat. Éta katingali jelas tina tilu suratna. Urang pasti jadi gedé haté lantaran priya jeung wanita nu engkéna maréntah bareng Yésus gé nyaah jeung perhatian jiga Yohanes. (1 Yoh. 2:27) Mugia naséhat-naséhat ti manéhna bisa asup kana haté urang. Hayu urang terus aya dina jalan bebeneran ku cara terus taat ka Yéhuwa dina sagala hal. Pék diajar Firman-Na jeung yakin ieu téh bebeneran. Kuatkeun iman ka Yésus. Tolak pangajaran nu asalna ti manusa jeung ti jalma-jalma nu murtad. Ulah pura-pura ngawula Yéhuwa bari terus ngalakukeun nu salah. Tuturkeun patokan hirup nu luhur ti Yéhuwa. Bantu dulur saiman pikeun terus aya dina jalan bebeneran ku cara ngahampura nu nganyenyeri urang jeung nulungan nu butuh. Ku kituna teu sual naon tangtanganana, urang bakal terus aya dina jalan bebeneran. w20.07 25 ¶15-17

Salasa, 26 April

Tiap babagian badan anu rupa-rupa teh ku pangersa Allah ditempatkeun samistina.—1 Kor. 12:18.

Yéhuwa geus méré kurnia ka urang masing-masing. Sanajan kurnia urang béda-béda, urang kabéh téh penting jeung silih butuhkeun. Rasul Paulus nandeskeun urang teu meunang saolah-olah ngomong ka dulur saiman, ”Urang mah teu butuh maneh!” (1 Kor. 12:21, SF) Urang kudu silih hargaan jeung ngahiji supaya sidang tengtrem. (Epe. 4:16, SF) Mun kabéh daék digawé babarengan, unggal anggota sidang bakal ngarasa dipikanyaah. Sidang gé bakal kuat. Kabéh kokolot sidang dilantik ku Yéhuwa liwat roh suci-Na. Mémang, kurnia jeung kamampuh maranéhna téh béda-béda. (1 Kor. 12:17) Meureun aya nu kakara dilantik jadi kokolot sarta teu pati pangalaman. Nu séjénna teu bisa ngalakukeun loba hal lantaran geus sepuh jeung boga masalah kaséhatan. Tapi, teu meunang aya kokolot nu mikir yén kokolot séjén téh euweuh gunana. Justru, unggal kokolot kudu nuturkeun naséhat Paulus nu dicatet dina Rum 12:10 (SF). w20.08 26 ¶1-2, 4

Rebo, 27 April

Dunya ieu dina kaayaanana kiwari, umurna moal lila deui.—1 Kor. 7:31.

Liwat organisasi-Na nu aya di bumi, Yéhuwa ngabingbing umat-Na ka jalan nu nungtun kana kahirupan. Waktu organisasi méré pamahaman anyar ngeunaan hiji pangajaran atawa méré pituduh ngeunaan ahlak, urang pasti siap nuturkeunana. Tapi, kumaha mun pituduh nu dibikeun mangaruhan hal séjénna dina kahirupan urang, misalna, Balé Karajaan nu urang paké dijual? Urang bakal terus bungah mun mikir urang téh keur ngajalankeun tugas ti Yéhuwa sarta Mantenna keur ngabingbing organisasi-Na. (Kol. 3:23, 24) Pikirkeun tuladan Raja Daud. Manéhna méré sumbangan pikeun ngawangun bait. Tapi Daud ngomong, ”Abdi sareng rahayat rumaos teu tiasa ngahaturkeun naon-naon ka Gusti, mung tiasa masrahkeun deui anu ku Gusti parantos dipasihkeun, kawantos sagala rupi oge asalna ti Gusti.” (1 Bab. 29:14) Urang gé jiga kitu. Waktu urang méré sumbangan, urang téh sabenerna mulangkeun deui naon nu Yéhuwa bikeun. Najan kitu, Yéhuwa ngahargaan mun urang nyumbangkeun waktu, tanaga, jeung pangaboga urang pikeun ngadukung pagawéan Mantenna.—2 Kor. 9:7. w20.11 22-23 ¶14-16

Kemis, 28 April

Lamun arek pepelakan ngadadago heula angin . . . atuh rek iraha bisa cebna, panen-panen pimanaeun.—Pan. 11:4.

Salaku Saksi Yéhuwa, kasuksésan urang teu diukur tina sabaraha loba jalma nu geus urang bantu pikeun jadi Saksi. (Luk. 8:11-15) Salila urang leukeun ngawawar jeung ngajar, urang geus suksés dina pandangan Yéhuwa. Ku naon? Sabab urang terus ngalakukeun naon nu dipiharep ku Yéhuwa jeung Putra-Na. (Mar. 13:10; Ras. 5:28, 29) Sabagé murid Kristus, urang ngarasa kudu leuwih getol ngawawar lantaran dunya Sétan geus téréh diancurkeun! Waktu pikeun ngawawarkeun warta hadé nu bisa nyalametkeun hirup batur téh geus téréh béak. Ulah ngaengké-engké atawa nungguan kaayaanna jadi leuwih alus heula pikeun bisa miluan kagiatan nu penting ieu. Jadi, ayeuna Sadérék kudu nguatkeun kahayang, leuwih getol diajar Alkitab, leuwih wani, jeung kudu disiplin. Hayu ngagabung jeung leuwih ti dalapan juta umat Allah. Engké, Yéhuwa bakal méré kabungah ka Sadérék. (Neh. 8:10; Luk. 5:10) Kudu sabisa-bisa ngawawar nepi ka engké Yéhuwa méré nyaho waktu keur ngawawar téh geus béak. w20.09 7 ¶18-20

Jumaah, 29 April

Sing tigin kana pangajaran-pangajaran anu geus dipercayakeun ka hidep.—1 Tim. 6:20.

Urang sakuduna teu disimpangkeun ku hal-hal matéri. Mun urang nuturkeun ”napsu hayang beunghar”, urang bisa jadi teu nyaah deui ka Yéhuwa, teu ngahargaan Firman Allah, jeung embung ngabagikeun warta hadé ka batur. (Mat. 13:22) Pas aya bahaya, urang kudu geura nyieun tindakan pikeun ngajaga hal nu geus dipercayakeun ku Yéhuwa. Urang kudu mikirkeun heula, misalna mun keur lalajo atawa maén Internét, bisa waé ujug-ujug muncul gambar porno, hal-hal nu némbongkeun kakerasan, atawa hal-hal ti jalma murtad. Mun ti mimiti urang geus nyaho kudu kumaha, urang bisa gancang nyieun tindakan pikeun ngajaga sosobatan urang jeung Yéhuwa. Urang gé bisa tetep bersih dina pandangan Yéhuwa. (Jab. 101:3; 1 Tim. 4:12) Urang kudu ngajaga hal-hal penting nu geus dipercayakeun ku Yéhuwa, nyaéta bebeneran Alkitab jeung kahormatan pikeun ngajarkeunana ka batur. Ku kituna, haté urang bisa tenang, urang boga harepan hirup nu jelas, sarta urang bakal bungah ngabantu batur kenal ka Yéhuwa. w20.09 30 ¶16-19

Saptu, 30 April

Maranéh bakal ningali sorangan Yéhuwa ngajar maranéh.—Yes. 30:20, ”NW”.

Cara Yéhuwa ngabingbing organisasi-Na kiwari nunjukkeun sipat-Na, tujuan-Na, jeung patokana-Na. Perhatikeun tilu hal ngeunaan Yéhuwa nu katémbong tina organisasi-Na. Kahiji, Allah téh teu beurat sabeulah. (Ras. 10:34) Bakating ku nyaah, Yéhuwa réla ngorbankeun Putra-Na sabagé tebusan keur ”kabeh manusa”. (1 Tim. 2:6; Yoh. 3:16) Yéhuwa gé ngagunakeun umat-Na keur nguarkeun warta hadé ka kabéh jalma nu daék ngadéngékeun. Ku kituna, maranéhna bisa meunang mangpaat tina tebusan, sarta disalametkeun. Kadua, Yéhuwa resep kana karukunan jeung sagala hal nu tartib. (1 Kor. 14:33, 40) Jadi, teu héran mun umat-Na rukun, ngahiji, jeung ngalakukeun sagalana sacara tartib. Katilu, Yéhuwa resep ngajar umat-Na. (Yes. 30:21) Jadi, organisasi-Na gé sabisa-bisa ngajarkeun Firman Allah ka batur, boh di sidang boh dina dines. w20.10 20 ¶1-3

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun