PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es22 kaca 47-57
  • Méi

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Méi
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2022
  • Subjudul
  • Minggu, 1 Méi
  • Senén, 2 Méi
  • Salasa, 3 Méi
  • Rebo, 4 Méi
  • Kemis, 5 Méi
  • Jumaah, 6 Méi
  • Saptu, 7 Méi
  • Minggu, 8 Méi
  • Senén, 9 Méi
  • Salasa, 10 Méi
  • Rebo, 11 Méi
  • Kemis, 12 Méi
  • Jumaah, 13 Méi
  • Saptu, 14 Méi
  • Minggu, 15 Méi
  • Senén, 16 Méi
  • Salasa, 17 Méi
  • Rebo, 18 Méi
  • Kemis, 19 Méi
  • Jumaah, 20 Méi
  • Saptu, 21 Méi
  • Minggu, 22 Méi
  • Senén, 23 Méi
  • Salasa, 24 Méi
  • Rebo, 25 Méi
  • Kemis, 26 Méi
  • Jumaah, 27 Méi
  • Saptu, 28 Méi
  • Minggu, 29 Méi
  • Senén, 30 Méi
  • Salasa, 31 Méi
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2022
es22 kaca 47-57

Méi

Minggu, 1 Méi

Yesus . . . tetep-tumetep ngesto.​—Luk. 2:​51.

Ti leuleutik, Yésus nurut ka kolotna. Anjeunna teu pernah ngalawan jeung ngarasa leuwih pinter ti kolotna. Sabagé anak panggedéna, Yésus gé tanggung jawab ka kulawargana. Pasti anjeunna diajar jadi tukang kayu nu tarampil ti Yusup. Ku kituna, anjeunna bisa mantuan nganapkahan kulawargana. Jigana mah, Yusup jeung Mariam méré nyaho Yésus, anjeunna lahir sacara mujijat. Meureun maranéhna gé méré nyaho naon nu diomongkeun ku jalma-jalma nu diutus ku Allah ngeunaan anjeunna. (Luk. 2:​8-19, 25-38) Tapi, Yésus ngarasa teu cukup ngan dicaritakeun ku indung bapana wungkul. Anjeunna ngarasa, tetep kudu diajar Firman Allah. Yésus getol pisan diajarna. Ti mana urang nyaho? Waktu Yésus leutik kénéh, guru-guru di Yérusalém nepi ka olohok ngadéngé jawaban anjeunna nu ”kacida pinterna”. (Luk. 2:​46, 47) Waktu umur 12, Yésus gé geus yakin pisan Yéhuwa téh Bapana.—Luk. 2:​42, 43, 49. w20.10 29 ¶13-​14

Senén, 2 Méi

Kristus geus dihirupkeun deui.​—1 Kor. 15:12.

Waktu Paulus nulis ngeunaan dihirupkeunana deui nu maot, manéhna nyebutkeun tilu fakta ieu: (1) ”Hal pupusna Kristus ku karana dosa urang.” (2) ’Hal dikurebkeunana’ anjeunna. (3) ’Hal dihirupkeunana deui Yésus sanggeus tilu poé pupus sakumaha anu kaungel dina Kitab Suci.’ (1 Kor. 15:​3, 4) Yésus geus maot, dimakamkeun, jeung dihirupkeun deui. Naon hubungan hal-hal éta jeung urang? Nabi Yésaya ngaramalkeun, Mésias bakal ”pupus dihukum pati” sarta ”pupusna dihijikeun jeung jalma-jalma jahat”. Tapi, teu ngan éta wungkul. Yésaya gé ngomong, Mésias bakal ”nalangan hukuman” keur loba jalma. Ku cara naon? Ku cara masrahkeun kahirupanna sabagé tebusan. (Yes. 53:​8, 9, 12; Mat. 20:28; Rum 5:8) Lantaran Yésus geus maot, dimakamkeun, jeung dihirupkeun deui, urang jadi boga harepan pikeun dibébaskeun tina dosa jeung maot. Urang gé boga harepan pikeun panggih deui jeung jalma-jalma anu geus maraot. w20.12 2-3 ¶4-6; 5 ¶11

Salasa, 3 Méi

Lamun sim kuring rek ngawajibkeun milampah kitu, munasabah. Mun batur ngarasa gumantung kana upacara-upacara lahiriah, sim kuring mah komo.​—Pil. 3:4.

Rasul Paulus sering ngawawar ka urang Yahudi di sinagoga. Misalna di sinagoga di Tésalonika, Paulus ”ngayakeun tukeur pikiran jeung [urang Yahudi] noron nepi ka tilu poe Sabat”. (Ras. 17:​1, 2) Sigana Paulus teu kararagok ka sinagoga téh lantaran manéhna téh urang Yahudi. (Ras. 26:​4, 5) Paulus paham ka urang Yahudi, jadi manéhna teu asa-asa ngawawar ka maranéhna. (Pil. 3:5) Sanggeus Paulus diusir ti Tésalonika jeung Béréa, manéhna indit ka Aténa. Di ditu, ”urang Yahudi jeung jalma-jalma anu nyarembah ka Allah ku anjeunna diajak tukeur pikiran di tempat ibadahna”. (Ras. 17:17) Tapi basa ngawawar di pasar, manéhna panggih jeung jalma nu béda-béda. Di antarana téh aya ahli palsapah jeung jalma-jalma séjén nu lain Yahudi, nu nganggap warta Paulus téh ”agama anyar”. Ceuk maranéhna, ”Kakupingna teh asa araraneh-araraneh pisan.”—Ras. 17:​18-20, SF. w20.04 9 ¶5-6

Rebo, 4 Méi

Ana sim kuring hayang migawe anu hade, ari anu timbul dina hate ngan anu goreng.​—Rum 7:​21.

Mun Sadérék ngalakukeun kasalahan nu sarua, ulah mikir Sadérék téh euweuh gunana. Sing inget, sabenerna di hareupeun Yéhuwa mah, euweuh hiji-hiji acan jelema nu bisa dianggap bener. Jelema bisa dianggap bener téh lantaran Yéhuwa bageur pisan, sarta méré tebusan keur urang. (Epe. 1:7; 1 Yoh. 4:10) Dulur-dulur saiman gé bisa nguatkeun urang. Mun urang hayang nyarita, maranéhna daék ngadéngékeun jeung bisa ngahibur urang. (Sil. 12:25; 1 Tes. 5:14) Saurang sadérék ti Nigeria nu ngaranna Joy ngomong, ”Rék kumaha abdi mun euweuh dulur saiman mah? Yéhuwa ngajawab doa-doa abdi liwat dulur saiman. Abdi gé jadi ngarti kumaha carana nguatkeun batur nu keur leutik haté.” Tapi urang gé kudu inget, dulur saiman bisa jadi teu nyahoeun mun urang keur leutik haté. Jadi, urangna nu kudu hideng nyampeurkeun maranéhna sarta ménta bantuan. w20.12 23-​24 ¶7-8

Kemis, 5 Méi

Maraneh ku Kami disebut sobat.​—Yoh. 15:15.

Biasana lamun urang hayang nyobat jeung batur, urang kudu babarengan heula jeung manéhna. Urang bisa nyobat lantaran sering ngobrolkeun parasaan sarta pikiran urang. Tapi lamun urang hayang nyobat jeung Yésus, aya sababaraha tangtanganana. Salah sahijina téh urang teu pernah panggih jeung Yésus. Loba urang Kristen dina abad kahiji gé teu pernah panggih jeung Yésus. Sanajan kitu, Rasul Pétrus nyebutkeun, ”Aranjeun nyaraah ka Yesus Kristus, padahal can nenjo-nenjo acan, aranjeun percaya ka Anjeunna sanajan ayeuna Anjeunna geus teu katenjo.” (1 Pet. 1:8) Jadi, sanajan urang teu pernah panggih jeung Yésus, nyobat jeung anjeunna téh lain hal nu mustahil. Urang ogéteu bisa ngobrol jeung Yésus. Waktu ngadoa, doa urang téh ditujukeun ka Yéhuwa. Mémang waktu ngadoa urang maké nami Yésus, tapi urang teu ngomong langsung ka anjeunna. Malah, Yésus embung urang ngadoa ka anjeunna. Ku naon? Ngadoa téh kaasup ibadah, jeung ibadah urang ngan ka Yéhuwa. (Mat. 4:10) Sanajan kitu, urang bisa ngungkabkeun kanyaah ka Yésus. w20.04 20 ¶1-3

Jumaah, 6 Méi

[Allah ] bakal nyampurnakeun, nguatkeun jeung mageuhkeun kaayaan aranjeun.​—1 Pet. 5:​10.

Aya nu kudu disanghareupan ku para atlét balap lumpat Yunani, misalna rasa capé jeung pegel. Lamun geus kitu, maranéhna kudu ngandelkeun palatihan nu geus dilakukeun sarta kakuatanana sorangan. Sarupa kitu, dina pangbalapan rohani, urang gé geus dilatih. Tapi urang boga kaleuwihan ti batan para atlét. Urang bisa meunangkeun kakuatan ti Yéhuwa jeung éta moal béak-béak. Lamun urang ngandelkeun Yéhuwa, Mantenna teu ngan saukur jangji pikeun ngalatih urang tapi ogé nguatkeun urang! Rasul Paulus kudu nyanghareupan loba tangtangan. Salian dihina jeung dikaniaya, sakapeung manéhna gé ngarasa lemah jeung kudu ngarasakeun ”cucuk di jero awak”. (2 Kor. 12:7) Tapi, hal-hal éta teu ngalantarankeun Paulus nyerah. Manéhna malah beuki ngandelkeun Yéhuwa. (2 Kor. 12:​9, 10) Lantaran sikep Paulus éta, Yéhuwa ngabantu manéhna nyanghareupan sakabéh tangtangan. w20.04 29 ¶13-​14

Saptu, 7 Méi

Moal aya anu bisa datang ka Kami lamun henteu ditarik ku Rama.​—Yoh. 6:​44.

Urang gé dibéré harta séjénna nu teu katémbong, nyaéta kahormatan keur ”digawé bareng” jeung Yéhuwa, Yésus, sarta para malaikat. (2 Kor. 6:​1, NW) Urang gawé bareng jeung Aranjeunna waktu dines. Ceuk Paulus, urang kabéh téh ”gawe babarengan” jeung Allah. (1 Kor. 3:9) Waktu dines gé, urang jadi batur gawéna Yésus. Sanggeus nitah murid-muridna ngajar ’jalma-jalma saalam dunya pikeun dijadikeun murid’, Yésus ngomong, ”Kami tangtu nyarengan.” (Mat. 28:​19, 20) Kumaha jeung para malaikat? Urang pasti bungah sabab maranéhna ngabingbing urang waktu nepikeun ”warta hal Injil Kasalametan nu langgeng . . . ka nu di bumi”! (Wahyu 14:6) Waktu urang nebarkeun binih, nyaéta warta Karajaan, sababaraha binih ragrag ka haté jalma-jalma nu daék ngadéngékeun, tuluy tumuwuh. (Mat. 13:​18, 23) Saha nu ngajadikeun binih éta tumuwuh jeung ngahasilkeun buah? Yésus ngajelaskeunana dina ayat poé ieu. w20.05 30 ¶14-​15

Minggu, 8 Méi

Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya.​—Rum 12:2.

Jutaan salaki pamajikan nu pepegatan jeung silih pikangéwa. Balukarna, barudak ngarasa teu dipikanyaah. Najan cicing saimah gé, aya jalma nu ka kulawarga sorangan téh asa jiga ka batur. Ceuk saurang panaséhat kulawarga, ”Indung, bapa, jeung barudak téh teu aya komunikasi. Maranéhna kalah ka sibuk sorangan ku komputer, tablét, HP, atawa video game. Sanajan saimah, maranéhna teu pati akrab.” Urang embung jiga jalma-jalma di dunya ieu nu geus ilang kanyaah. Urang mah kudu nyaah ka kulawarga. Urang gé kudu silih pidulur jeung sadérék-sadérék di sidang. (Rum 12:10) Naon maksudna silih pidulur téh? Hartina, nyaah ka batur jiga ka kulawarga sorangan. Kanyaah jiga kitu nu kudu ditunjukkeun ka sadérék-sadérék di sidang. Lamun urang silih pidulur, urang kabéh bakal suka bungah ngawula Yéhuwa babarengan.—Mika 2:​12. w21.01 20 ¶1-2

Senén, 9 Méi

Buleudkeun haté abdi supaya mikasieun nami Gusti.​—Jab. 86:​11, ”NW”.

Tim olahraga nu kompak mah bisa leuwih gampang meunang. Haté urang téh bisa jiga tim nu kompak éta lamun pikiran, parasaan, jeung kahayang urang sajalan dina ngawula Yéhuwa. Inget, Sétan téh atoh pisan lamun Sadérék ngadua haté. Manéhna hayang pikiran, parasaan, jeung kahayang Sadérék teu sajalan jeung patokan hirup ti Yéhuwa. Tapi pikeun ngawula Yéhuwa, Sadérék kudu sapinuh haté. (Mat. 22:​36-38, SF) Jadi, ulah nepi ka Sétan nyieun Sadérék ngadua haté! Jiga Daud, pék ngadoa ka Yéhuwa, ”Buleudkeun haté abdi supaya mikasieun nami Gusti.” Upayakeun sabisa-bisana supaya hirup urang sajalan jeung doa éta. Unggal poé, waktu rék nyieun putusan, boh leutik boh gedé, urang kudu boga tékad pikeun ngahormat nami Yéhuwa nu suci. Ku kituna, sabagé Saksi Yéhuwa, urang téh cocog nyandang nami Mantenna. (Sil. 27:11) Urang masing-masing gé bisa ngomong jiga Nabi Mika, ”Urang mah ngabakti jeung ngabdi teh ka [Yéhuwa] Allah urang, salalanggengna.”—Mika 4:5. w20.06 13 ¶17-​18

Salasa, 10 Méi

Ngalantarankeun perangna beuki telenges, jalma-jalma nuditumpes kacida lobana.​—Dan. 11:44.

Waktu raja kalér jeung sakabéh pamaréntahan di dunya nyerang umat Allah, Allah Nu Mahakawasa bakal ambek, tuluy perang Armagédon dimimitian. (Wahyu 16:​14, 16) Harita Gog ti Magog, nyaéta raja kalér jeung sakabéh bangsa di dunya, bakal dibinasakeun jeung ”euweuh anu nulungan saurang-urang acan.” (Dan. 11:45) Ayat nu saterusna dina nubuat Daniél méré leuwih loba rincian ngeunaan kumaha raja kalér jeung balad-baladna bakal dibinasakeun jeung kumaha urang bakal disalametkeun. (Dan. 12:1) Naon maksud ayat ieu? Mikail téh ngaran séjén ti Raja urang, nyaéta Yésus Kristus. Anjeunna geus ”ngaping” umat Allah ti taun 1914, basa Karajaanana ngadeg di sawarga. Sakeudeung deui, anjeunna bakal nyieun tindakan, nyaéta ngabinasakeun musuh-musuhna dina perang Armagédon. Perang éta bakal mungkas naon nu ku Daniél disebut ”jaman suker anu pangpoharana” sapanjang sajarah.​—Wahyu 6:2; 7:​14. w20.05 15-​16 ¶15-​17

Rebo, 11 Méi

Yusup ku kaom Ismail dibawa ka Mesir.​—Kaj. 39:1.

Waktu jadi badéga jeung waktu dipanjara, Yusup teu bisa ngalakukeun naon-naon jang ngarobah kaayaan. Jadi, naon nu Yusup lakukeun? Yusup henteu teterusan mikirkeun masalahna, tapi manéhna getol ngajalankeun tugasna. Yusup upaya pikeun nyenangkeun Yéhuwa. Ku kituna, Yéhuwa ngaberkahan manéhna. (Kaj. 39:​21-23) Urang diingetan, dunya ieu téh kejem, sarta batur bisa waé teu adil ka urang. Dulur saiman gé bisa waé nganyenyeri haté urang. Tapi, mun urang ngajadikeun Yéhuwa sabagé bénténg urang, urang moal leutik haté teuing atawa eureun ngawula Mantenna. (Jab. 62:​7, 8; 1 Pet. 5:10) Terus, pikirkeun ieu. Waktu Yéhuwa méré impian, Yusup téh umurna masih 17 taunan. Éta nunjukkeun, Yéhuwa percaya ka hamba-hamba-Na nu ngora kénéh. Ayeuna gé, loba budak ngora nu jiga Yusup. Maranéhna boga iman nu kuat ka Yéhuwa. Malah demi ngabéla imanna, aya nu dipanjara sacara teu adil.​—Jab. 110:3. w20.12 16 ¶3; 17 ¶5, 7

Kemis, 12 Méi

Rasul-rasul disalaur deui, sarta sanggeus dirangket jeung diancam teu meunang nyebut-nyebutdeui jenengan Yesus.​—Ras. 5:​40.

Misalna, perhatikeun Pétrus jeung Yohanes. Maranéhna nganggap dikaniaya lantaran jadi murid Yésus jeung nyebarkeun pangajaranna téh mangrupa kahormatan. (Ras. 4:​18-21; 5:​27-29, 41, 42) Murid-murid mémang teu kudu éra. Dibandingkeun jeung naon nu dilakukeun ku para musuh mah, nu dilakukeun ku maranéhna téh jauh leuwih mangpaat keur umat manusa. Misalna, sababaraha urang Kristen éta nulis buku-buku Alkitab nu nepi ka ayeuna masih méré mangpaat jeung harepan keur jutaan jalma. Karajaan nu diuarkeun ku maranéhna, ayeuna geus ngadeg, malah sakeudeung deui bakal maréntah sakuliah bumi. (Mat. 24:14) Terus, maranéhna gé geus jadi raja di sawarga. Kumaha jeung pamaréntah nu nganiaya maranéhna? Geus musna, euweuh sésana. Musuh-musuh geus paraéh kabéh. Saupama dihirupkeun deui gé, daék teu daék maranéhna kudu jadi rahayat tina Karajaan nu baheula diuarkeun ku jalma-jalma nu dipikangéwa ku maranéhna.—Wahyu 5:10. w20.07 15 ¶4

Jumaah, 13 Méi

Ibrahim keur ngadago-dago kota anu dirancang jeung diadegkeun ku Allah dina pademen anu kaayaanana tetep.​—Ibr. 11:​10.

Ibrahim percaya pisan kana jangji-jangji Allah nepi ka saolah-olah manéhna geus ningali langsung Pribadi nu Dipilih, atawa Mésias, nu bakal jadi Raja dina Karajaan Allah. Éta sababna Yésus ngomong ka urang Yahudi, ”Ibrahim nu jadi karuhun aranjeun, suka bungah lantaran baris ningal poean Kami datang ka dunya. Eta teh . . . geus kasaksian ku anjeunna kalawan suka bungah.” (Yoh. 8:​56, SF) Jelas, Ibrahim apal sababaraha turunanana bakal jadi bagian tina Karajaan nu diadegkeun ku Yéhuwa. Manéhna gé réla ngadagoan jangji éta ngawujud. Naon buktina Ibrahim ngadago-dago kota, atawa Karajaan, nu dirancang ku Allah? Kahiji, Ibrahim teu jadi rahayat tina karajaan jeung teu ngadukung raja mana waé nu aya di bumi. Manéhna milih pikeun ngumbara jeung teu matuh di hiji tempat. Kadua, Ibrahim henteu ngadegkeun karajaan sorangan. Manéhna nurut ka Yéhuwa sarta ngadagoan jangji-Na ngawujud. Tina tindakanana, Ibrahim nunjukkeun iman nu luar biasa ka Yéhuwa. w20.08 3 ¶4-5

Saptu, 14 Méi

Ari geus maot mah jelema teh leupas tina pangaruh dosa.​—Rum 6:7.

Nu dihirupkeun deui téh moal langsung sampurna. Yéhuwa mémang jangji, engké di Pirdaus moal aya saurang-urang acan nu ”udah-aduh ku panyakit”. (Yes. 33:24) Jadi, jalma nu dihirupkeun deui téh awakna bakal séhat, tapi moal langsung sampurna. Mun langsung sampurna mah, kulawarga jeung babaturanana moal apaleun ka manéhna. Jadi katingalina, pikeun sampurna téh butuh waktu jeung prosésna gé lalaunan, moal sakaligus. Éta bakal lumangsung salila Pamaréntahan Sarébu Taun Kristus. Dina ahir sarébu taun, Yésus bakal mulangkeun Karajaan ka Bapana. Engké, kabéh kahayang Yéhuwa geus ngawujud, kaasup nyieun kabéh manusa jadi sampurna. (1 Kor. 15:​24-28; Wahyu 20:​1-3) Pék bayangkeun, kumaha rasana mun Sadérék panggih deui jeung kulawarga atawa babaturan nu geus maot? Saking ku bungahna, meureun Sadérék bakal seuseurian, atawa malah nepi ka ngeclak cipanon. Atawa meureun, Sadérék jadi hayang nyanyi muji Yéhuwa. Nu pasti mah, Sadérék bakal nyaah pisan ka Yéhuwa jeung Putra-Na nu geus ngahirupkeun deui nu maraot. w20.08 16-​17 ¶9-​10

Minggu, 15 Méi

Tapi da bakat urang ti Allah teh beda-beda.​—1 Kor. 7:7.

Rasul Paulus teu pernah ngalarang urang Kristen pikeun kawin. Manéhna ngarti éta mah putusan pribadi. Tapi Paulus ngajurung urang Kristen pikeun mikirkeun, bisa teu maranéhna ngalayanan Yéhuwa bari tetep léngoh. (1 Kor. 7:​8, 9) Paulus teu nyapirakeun urang Kristen nu teu kawin. Malah manéhna milih Timoteus, budak ngora nu léngoh, pikeun ngajalankeun tugas-tugas nu penting. (Pil. 2:​19-22) Jadi, bisa henteuna saurang sadérék dibéré tanggung jawab di sidang téh teu gumantung kana statusna, na manéhna geus kawin atawa acan. (1 Kor. 7:​32-35, 38) Boh Yésus boh Paulus teu pernah ngawajibkeun urang Kristen pikeun kawin atawa tetep léngoh. Jadi, kumaha sakuduna pandangan urang ka dulur saiman nu kawin atawa nu tetep léngoh? Menara Pengawal 1 Oktober 2012 ngamuat jawaban nu hadé, ”Duanana [boh kawin boh léngoh] téh kurnia ti Yéhuwa. . . . Mantenna teu nganggap [jalma nu teu kawin] téh hirupna ngérakeun atawa pikasediheun.” Urang gé kudu mikir jiga kitu. Urang kudu ngahargaan dulur-dulur saiman nu teu kawin. w20.08 28 ¶8-9

Senén, 16 Méi

Tapi iraha poena, iraha jamna, jelema taya nu nyaho, . . . ngan Rama anu uninga.​—Mat. 24:36.

Di sababaraha nagri, jalma-jalma resep pisan waktu ngadéngé warta hadé. Éta téh nu diarep-arep ku maranéhna! Tapi di nagri-nagri séjén, jalma-jalma teu pati minat ngabahas ngeunaan Allah atawa Alkitab. Ari di daérah Sadérék kumaha? Teu sual kumaha kaayaanna, Yéhuwa hayang urang terus ngawawar nepi ka Mantenna méré nyaho waktuna geus béak. Dina waktu nu geus ditangtukeun ku Yéhuwa, kagiatan pangwawaran bakal enggeusan, geus kitu ”kakara datang poe kiamat”. (Mat. 24:​14) Yésus ngaramalkeun bakal kumaha kaayaan dunya jeung jalma-jalma dina ahir jaman. Anjeunna apal aya loba hal nu bisa nyababkeun murid-muridna teu ngutamakeun pangwawaran deui. Jadi, anjeunna ngingetan murid-muridna supaya tetep sayaga. (Mat. 24:42) Dina jaman Nuh, jalma-jalma disimpangkeun ku loba hal, jadi arembungeun ngadéngékeun paringetan Nuh. (Mat. 24:​37-39; 2 Pet. 2:5) Urang gé bisa disimpangkeun jiga maranéhna. Éta sababna, urang hayang terus ngutamakeun tugas ti Yéhuwa. w20.09 8-9 ¶1-2, 4

Salasa, 17 Méi

Anu ibadah ka Allah jeung percaya ka Isa Al Masih mah geus pasti nandangan panganiayaan.​—2 Tim. 3:​12, ”SF”.

Sétan ’napsuna ngagugudug’, jadi tong mikir urang bisa luput tina amarahna. (Wahyu 12:12) Moal lila deui, urang kabéh bakal ngalaman ujian iman. Bakal aya ’mangsa cilaka nu ngabalangsakkeunana leuwih-leuwih ti jaman nu enggeus-enggeus ti barang dunya gumelar nepi ka ayeuna’. (Mat. 24:21) Engké, bisa waé aya anggota kulawarga nu malik nyerang urang. Atawa, bisa ogé kagiatan urang dilarang. (Mat. 10:​35, 36) Na urang bakal jiga Asa, percaya yén Yéhuwa bakal ngalindungan jeung nyalametkeun urang? (2 Bab. 14:11)Yéhuwa geus nyiapkeun urang supaya iman urang kuat keur nyanghareupan hal-hal nu bakal datang. Mantenna ngabingbing ”gandek satia jeung bijaksana” pikeun nyadiakeun dahareun rohani nu pas dina waktuna. (Mat. 24:45) Dahareun rohani éta bisa nguatkeun urang. Tapi, urangna gé kudu upaya sabisa-bisana supaya boga iman nu kuat ka Yéhuwa.​—Ibr. 10:​38, 39. w20.09 18-19 ¶16-​18

Rebo, 18 Méi

PANGERAN mah ngamudi manah raja ge gampileun. Sarua gampileunana jeung ngatur ngocorna walungan.​—Sil. 21:1.

Yéhuwa bisa ngagunakeun roh suci-Na pikeun ngagerakkeun jalma-jalma nu boga wewenang. Engké maranéhna bakal ngalakukeun kahayang Mantenna. Manusa bisa ngali taneuh pikeun méngkolkeun kocoran cai. Kitu ogé, Yéhuwa bisa ngagunakeun roh suci-Na pikeun ngarobah pikiran para pangawasa demi ngajalankeun kahayang Mantenna. Para pangawasa jadi bisa nyieun putusan nu nguntungkeun umat Allah. (Bandingkeun Esra 7:​21, 25, 26.) Naon nu bisa urang lakukeun? Urang bisa ngadoakeun ’kapala-kapala nagara jeung kapala-kapala pamaréntahan’ waktu maranéhna rék nyieun putusan nu bakal mangaruhan ibadah urang. (1 Tim. 2:​1, 2; Neh. 1:11) Terus jiga urang Kristen dina abad kahiji, urang gé moal eureun-eureun ngadoakeun dulur-dulur saiman nu keur dipanjara.​—Ras. 12:5; Ibr. 13:3. w20.11 15 ¶13-​14

Kemis, 19 Méi

Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami.​—Mat. 28:19.

Pasti Sadérék gumbira pisan mun nu dibaptis téh palajar Alkitab Sadérék! (1 Tes. 2:​19, 20) Nu kakara dibaptis téh ibarat surat pujian keur guruna jeung keur sidang. (2 Kor. 3:​1-3, SF) Urang bungah pisan lantaran dina opat taun, di sakuliah dunya, rata-rata aya 10.000.000 palajaran Alkitab unggal bulanna. Terus dina opat taun éta gé, aya 280.000 jalma leuwih nu dibaptis unggal taunna. Meungpeung Yéhuwa masih kénéh méré waktu jeung kasempetan, urang kudu buru-buru ngabantu saloba-lobana jalma pikeun jadi murid Kristus jeung dibaptis. Waktuna téh geus téréh béak! (1 Kor. 7:29a; 1 Pet. 4:7) Jadi, kumaha carana mantuan maranéhna ngarah gancang dibaptis? w20.10 6 ¶1-2

Jumaah, 20 Méi

Allah ngalawan ka nu kamagungan, tapi mikaasih ka anu rendah hate.​—Yak. 4:6.

Raja Saul teu nuturkeun paréntah Yéhuwa. Pas ditegor ku Nabi Samuél gé, angger wé manéhna teu rumasa salah. Saul ngarasa nu dilakukeunana téh teu pati parah. Terus, manéhna kalah ka nyalahkeun batur. (1 Sam. 15:​13-24) Saacan kajadian éta gé, geus katingali Saul téh sombong. (1 Sam. 13:​10-14) Hanjakalna, Saul embung ngarobah haté jeung pikiranna, jadi Yéhuwa teu resep jeung nolak manéhna. Ngarah teu jiga Saul, urang kudu mikirkeun pananya-pananya ieu: ’Mun abdi maca naséhat tina Firman Allah, na abdi néang-néang alesan supaya teu kudu ngajalankeunana? Na abdi ngarasa kasalahan abdi téh teu pati parah? Mun abdi nyieun kasalahan, na abdi kalah ka nyalahkeun batur?’ Mun aya hiji waé pananya nu jawabanna enya, éta hartina pikiran jeung sikep urang kudu dirobah. Mun teu dirobah, urang bisa jadi sombong. Engké Yéhuwa embung nyobat deui jeung urang. w20.11 20 ¶4-5

Saptu, 21 Méi

Meungpeung keur ngora, kudu eling ka Anu nyipta maraneh, meungpeung tacan nincak kana umur anu matak ripuh anu matak ngarasula, ”Hirup teh teu ngarasa bagja!”​—Pan. 12:1.

Barudak ngora, putuskeun rék nyembah saha. Hidep kudu bener-bener nyaho Yéhuwa téh saha, naon kahayang-Na, jeung kumaha carana ngajalankeun kahayang-Na. Terus, hidep gé kudu ngabuktikeun sorangan, nu ditulis dina Alkitab téh bener. (Rum 12:2) Geus kitu, kakara hidep bisa nyieun putusan nu pangpentingna dina kahirupan, nyaéta nyembah Yéhuwa. (Yos. 24:15) Mun hidep terus maca jeung diajar Alkitab, engké hidep bakal beuki nyaah ka Yéhuwa. Iman hidep gé bakal beuki kuat. Pék pilih pikeun ngutamakeun kahayang Yéhuwa. Dunya Sétan jangji, mun hidep ngagunakeun pangabisa keur kapentingan sorangan, hidep bakal hirup senang. Tapi sabenerna mah, mun urang ngudag harta banda, urang bakal meunang loba kasusah. (1 Tim. 6:​9, 10) Sabalikna, mun hidep nurut ka Yéhuwa jeung milih ngutamakeun kahayang-Na, hidep bakal suksés jeung bisa nyieun putusan nu bijaksana.—Yos. 1:8. w20.10 30 ¶17-​18

Minggu, 22 Méi

Kota-kota sejen oge kudu diteang, perlu diwuruk hal Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Allah. Kami diutus ku Allah pikeun kaperluan eta.​—Luk. 4:​43.

Dina abad kahiji, warta nu ditepikeun ku Yésus téh méré harepan keur kabéh jalma. Jadi, anjeunna nitah murid-muridna neruskeun pagawéan nu geus dimimitian ku anjeunna ieu, nyaéta nguarkeun warta ”nepi ka tungtung bumi”. (Ras. 1:8) Tangtu maranéhna moal bisa ngajalankeunana ku upaya sorangan. Maranéhna butuh ”panulung” nu Yésus jangjikeun, nyaéta roh suci. (Yoh. 14:26; Jak. 4:6) Murid-murid narima roh suci dina Péntakosta 33 M. Terus, maranéhna langsung ngawawar. Teu lila, rébuan jalma jadi palercaya. (Ras. 2:​41; 4:4) Waktu aya tangtangan, maranéhna teu sieun jeung teu eureun ngawawar. Naha bisa kitu? Maranéhna ménta tulung ka Allah. Maranéhna ngadoa, ”Mugi abdi-abdi sadaya para kawula Gusti dikersakeun taya kasieun nyanggemkeun pangandika Gusti.” Geus kitu, maranéhna dipinuhan ku roh suci, jeung ”jadi kacida laludeungna nguarkeun pangandika Allah”.​—Ras. 4:​18-​20, 29, 31. w20.10 21 ¶4-5

Senén, 23 Méi

Pangpangna hal pupusna Kristus ku karana dosa urang jeung . . . dihirupkeun deui.​—1 Kor. 15:​3, 4.

Naon buktina Yéhuwa geus ngahirupkeun deui Yésus? Loba saksi mata nu panggih jeung Yésus sanggeus anjeunna dihirupkeun deui. (1 Kor. 15:​5-7) Rasul Paulus nyebutkeun sababaraha di antarana, nu mimiti disebutkeun nyaéta Rasul Pétrus (Képas). Sababaraha murid gé neguhkeun yén Pétrus panggih jeung Yésus sanggeus anjeunna dihirupkeun deui. (Luk. 24:​33, 34) Geus kitu, para rasul gé panggih jeung Yésus nu geus dihirupkeun deui. Malah sakali waktu, Kristus némbongan ka ”leuwih ti lima ratus urang” sakaligus. Jigana mah ieu téh kajadian anu dicatet dina Mateus 28:​16-20, pas murid-murid ngarumpul di Galiléa. Yésus gé ’nembongan dirina ka Yakobus’. Yakobus téh adi téréna Yésus, nu tadina teu percaya Yésus téh Mésias. (Yoh. 7:5) Sanggeus ningali Yésus dihirupkeun deui, Yakobus jadi percaya. Nah, waktu Paulus nulis surat ieu kira-kira taun 55 M, jalma-jalma nu nyaksian Yésus dihirupkeun deui téh loba nu masih hirup kénéh. Jadi mun aya jalma nu teu percaya, maranéhna bisa nanya langsung ka saksi-saksi éta. w20.12 3 ¶5, 7-8

Salasa, 24 Méi

Ana gering, ku PANGERAN tangtu dilayad.​—Jab. 41:4.

Waktu urang gering, komo mun geringna parah, sok hésé pikeun mikir positif. Pénta Yéhuwa negerkeun urang. Yéhuwa mémang moal nyageurkeun urang sacara mujijat, tapi Mantenna pasti ngahibur sarta méré kakuatan supaya urang tabah. (Jab. 94:19) Yéhuwa bisa jadi ngagerakkeun dulur saiman pikeun mantuan urang, saperti mantuan ngagawékeun pagawéan imah. Mantenna gé bisa ngagerakkeun dulur saiman pikeun ngadoa bareng jeung urang, atawa mantuan urang supaya inget kana ayat-ayat nu nengtremkeun, misalna ayat nu nyaritakeun engké mah di dunya anyar urang bakal sampurna jeung moal gering deui. (Rum 15:4) Meureun, urang teu bisa ngawawar jiga baheula. Laurel ti Amerika Serikat geus 37 taun maké mesin supaya bisa napas. Manéhna gé boga panyakit kangker, geus sababaraha kali dioperasi, sarta boga panyakit kulit nu parah. Jadi, manéhna teu bisa kaluar imah. Tapi, manéhna bisa terus ngawawar. Manéhna méré kasaksian ka suster jeung ka jalma-jalma nu ngalongok manéhna. Manéhna geus mantuan 17 jalma nepi ka dibaptis! w20.12 24 ¶9; 25 ¶12

Rebo, 25 Méi

PANGERAN nyarengan kami, kami taya karisi; rek bisa kumaha jelema ka kami?​—Jab. 118:6.

Rasul Paulus butuh bantuan. Kira-kira taun 56 M, gorombolan jalma nyéréd manéhna kaluar ti bait Yérusalém, rék maéhan manéhna. Isukanana, pas dibawa ka Sanhédrin atawa Mahkamah Agama, Paulus gé ampir dipaéhan deui. (Ras. 21:​30-32; 22:30; 23:​6-10) Harita, meureun Paulus mikir, ’Nepi ka iraha urang bakal dikieukeun?’ Paulus meunang bantuan naon? Dina peuting waktu Paulus ditahan, bray Yésus némbongan ka manéhna. Ceuk Yésus, ”Ulah sieun! Maneh geus mertelakeun hal Kami di dieu, di Yerusalem. Engke di Rum oge kudu kitu.” (Ras. 23:11) Yésus muji Paulus lantaran manéhna geus ngawawar di Yérusalém. Yésus gé jangji Paulus bakal salamet nepi ka Rum sarta bakal ngawawar di ditu. Jangji éta bener-bener nguatkeun Paulus. Paulus pasti jadi ngarasa tenang, jiga budak leutik nu dikeukeupan ku bapana. w20.11 12 ¶1; 13 ¶3, 4

Kemis, 26 Méi

Eta pangharepan . . , jadi pamageuh hirup urang nepi ka urang ngarasa aman.​—Ibr. 6:​19.

Harepan kana jangji-jangji Allah téh jiga ”jangkar anu nanceb jero”. Éta bisa mantuan urang tetep tenang dina kaayaan nu susah atawa waktu ngarasa hariwang. Pék pikirkeun, engké mah moal aya deui hal-hal nu nyababkeun urang hariwang. (Yes. 65:17) Bayangkeun Sadérék aya di dunya anyar nu tengtrem. (Mika 4:4) Lamun Sadérék nyaritakeun jangji-jangji Allah ieu ka batur, harepan Sadérék gé bakal beuki kuat. Pék sabisa-bisa ngawawar jeung ngabantu batur jadi murid. Ku kituna, ”hal anu keur diarep-arep ku aranjeun teh laksana katarima.” (Ibr. 6:​11) Dunya ieu geus téréh diancurkeun. Engké mah kaayaanana bakal leuwih susah. Urang bisa beuki hariwang. Urang kudu terus ngandelkeun Yéhuwa, lainna diri sorangan. Ku kituna, engké urang bisa tetep tenang. Hayu urang tunjukkeun yén urang percaya kana jangji Yéhuwa, ”Pihapekeun diri ka Kami, tan wande maraneh kuat jeung reugreug.”—Yes. 30:15. w21.01 7 ¶17-​18

Jumaah, 27 Méi

Pangeran mah sipat murah jeung sipat welas.​—Yak. 5:​11.

Perhatikeun, dina Yakobus 5:​11 disebutkeun Yéhuwa téh sugih ku asih jeung ”jembar ku piwelas”. (Bud. 34:6) Salah sahiji cara Yéhuwa nunjukkeun piwelas-Na téh, nyaéta ku ngahampura kasalahan urang. (Jab. 51:3) Tapi dina Alkitab, sipat welas téh teu ngan ngamaksudkeun ngahampura wungkul. Sipat welas téh parasaan nu muncul ti jero haté waktu saurang jalma ningali aya nu kasusahan, jeung ngagerakkeun manéhna pikeun nulungan jalma éta. Yéhuwa ngomong yén kahayang-Na pikeun nulungan urang téh leuwih gedé tibatan kahayang indung pikeun nulungan budakna. (Yes. 49:15) Jadi waktu urang keur kasusahan, sipat welas ngajurung Yéhuwa pikeun nulungan urang. (Jab. 37:39; 1 Kor. 10:13) Urang gé bisa nunjukkeun sipat welas ka dulur-dulur saiman. Kumaha carana? Ku cara ngahampura jeung teu nyimpen kakeuheul. (Epe. 4:​32) Urang gé bisa nulungan dulur-dulur saiman waktu maranéhna nyanghareupan cocoba. Urang téh nyonto Yéhuwa nu sipat welas-Na taya bandingna.​—Epe. 5:1. w21.01 21 ¶5

Saptu, 28 Méi

Anjeunna maparin tuladan anu ku urang kudu dipiconto.​—1 Pet. 2:​21.

Kapala kulawarga kudu nyadiakeun pangabutuh jasmani kulawargana. Tapi manéhna kudu saimbang. Ulah dur-duran teuing digawé, nepi ka pangabutuh rohani jeung émosi kulawargana teu kacumponan jeung méré bingbingan. Yéhuwa ngabingbing jeung ngalatih urang demi kapentingan urang. (Ibr. 12:​7-9) Jiga Bapana, Yésus gé ngalatih murid-muridna. (Yoh. 15:​14, 15) Anjeunna teges, tapi bageur. (Mat. 20:​24-​28) Yésus paham, urang téh teu sampurna sarta sering nyieun kasalahan. (Mat. 26:41) Kapala kulawarga nu nyonto Yéhuwa jeung Yésus bakal inget yén pamajikan jeung barudakna téh teu sampurna. Jadi, manéhna moal ”ngumbar amarah” atawa kasar ka maranéhna. (Epe. 4:31; Kol. 3:​19) Justru manéhna bakal nuturkeun naséhat dina Galata 6:​1, nyaéta ’mepelingan sing leuleuy’, sabab manéhna sadar yén manéhna sorangan gé teu sampurna. Jiga Yésus, kapala kulawarga paham yén cara panghadéna pikeun ngajar téh nyaéta liwat tuladan. w21.02 6-7 ¶16-​18

Minggu, 29 Méi

He sakur mahluk hirup,puji PANGERAN!​—Jab. 150:6.

Ku tebusan, Yéhuwa geus meuli kahirupan kabéh anggota sidang. (Mar. 10:45; Ras. 20:28; 1 Kor. 15:​21, 22) Jadi cocog mun Yéhuwa milih Yésus sabagé kapala sidang, sabab Yésus geus ngorbankeun nyawana sabagé tebusan. Ku kituna, Yésus boga wewenang pikeun nyieun aturan keur unggal jalma, kulawarga, jeung sakabéh anggota sidang. Yésus gé boga hak pikeun ménta urang nuturkeun kabéh aturanana. (Gal. 6:2) Tapi Yésus teu ngan saukur nyieun aturan. Anjeunna gé nyaah jeung ngurus urang. (Epe. 5:​29) Para sadérék istri tunduk ka Kristus ku cara nuturkeun pituduh ti para priya nu geus dilantik pikeun ngajaga maranéhna. Mun sadérék pameget paham kana aturan ti Yéhuwa ngeunaan wewenang, maranéhna bakal ngahargaan sadérék istri. Mun kabéh paham jeung ngahargaan aturan ti Yéhuwa ngeunaan wewenang, sidang pasti tengtrem. Jeung nu leuwih penting, urang ngamulyakeun Yéhuwa, Bapa nu di sawarga. w21.02 18-​19 ¶14-​17

Senén, 30 Méi

Daud tumaros ka PANGERAN.​—1 Sam. 30:8.

Basa Daud kabur ti Saul sarta cicing di wilayahna urang Pélisti, Daud jeung pasukanana ninggalkeun kulawargana pikeun perang. Pas maranéhna indit, aya musuh anu nyerang imah-imah maranéhna sarta mawa kabur kulawargana. Daud bisa waé ngarasa, manéhna téh prajurit anu hébat jeung bisa nyusun rencana nu alus pikeun nyalametkeun kulawarga maranéhna. Terus, Daud ménta bingbingan ti Yéhuwa. Manéhna ngadoa, ”Kumaha abdi teh? Kedah nyusul eta rampog?” Yéhuwa méré nyaho yén Daud kudu ngudag musuhna. Yéhuwa gé ngajamin, kulawarga maranéhna bakal salamet. (1 Sam. 30:​7-10) Barudak ngora, Anjeun diajar naon tina kajadian ieu? Pék pénta naséhat batur saacan Anjeun nyieun putusan. Anjeun bisa tatanya ka indung jeung bapa anjeun. Anjeun gé bisa ménta naséhat ka para kokolot nu geus pangalaman. Yéhuwa téh percaya ka para kokolot, jadi anjeun gé bisa percaya ka maranéhna. Para kokolot téh ”kurnia-kurnia” ti Yéhuwa keur sidang. (Epe. 4:8) Mun anjeun nyonto iman maranéhna jeung daék ngadéngékeun naséhat-naséhat ti maranéhna, anjeun bakal bisa nyieun putusan anu hadé. w21.03 4-5 ¶10-​11

Salasa, 31 Méi

Moal aya anu bisa megatkeun asihna Allah ka urang.​—Rum 8:​38, 39.

Yésus ngomong, lamun urang teu ngalarapkeun naon nu geus diajarkeun ka urang, éta téh ibarat jalma anu ngawangun imah di luhureun keusik. Najan geus hésé capé ngawangun, éta téh percumah. Ku naon? Mun aya angin ribut atawa caah, brug imahna pasti runtuh! (Mat. 7:​24-27) Kitu ogé lamun urang teu ngalarapkeun naon nu geus diajarkeun, éta téh percumah. Engké lamun aya tangtangan atawa panganiayaan, iman urang moal kuat. Sabalikna lamun urang diajar jeung ngalarapkeunana, urang bakal bisa nyieun putusan-putusan nu leuwih hadé, urang bakal leuwih tenang nyanghareupanana, jeung iman urang bakal beuki kuat. (Yes. 48:​17, 18) Supaya bisa tetep satia, urang kudu ngandelkeun Yéhuwa dina doa jeung boga jadwal palajaran pribadi anu rutin. Sarta urang kudu inget, hal pangpentingna nu bisa urang lakukeun téh nyaéta ngamulyakeun Yéhuwa. Urang bisa yakin yén Yéhuwa moal pernah ninggalkeun urang, sarta moal aya anu bisa megatkeun kanyaah-Na ka urang.​—Ibr. 13:​5, 6. w21.03 15 ¶6; 18 ¶20

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun