Juni
Rebo, 1 Juni
Ku nyaah-nyaahna ka aranjeun, sumawonna eta Injil Kasalametan, nyawa oge moal dikoretkeun.—1 Tes. 2:8.
Pawarta kudu bener-bener perhatian ka palajar Alkitab, sarta nganggap manéhna sabagé calon dulur saiman. Ninggalkeun babaturan nu baheula sarta nyieun parobahan pikeun ngawula Yéhuwa téh lain hal nu gampang. Jadi, alus mun pawarta ngenalkeun palajar Alkitab ka dulur-dulur saiman di sidang. Ku naon? Ngarah palajar bisa gaul jeung umat Allah nu mantuan manéhna beuki raket ka Yéhuwa, jeung nguatkeun manéhna waktu aya masalah. Urang hayang si palajar resep gaul jeung dulur-dulur saiman. Mun manéhna boga loba sobat, manéhna bisa ngarasa jadi bagian tina sidang. Tah mun geus kitu, manéhna bakal leuwih gampang ninggalkeun babaturanana nu baheula, nu teu mantuan manéhna ngaraket ka Yéhuwa. (Sil. 13:20) Mun babaturanana geus embung gaul jeung manéhna, manéhna bisa ningali yén sobat sajati mah ngan aya dina organisasi Yéhuwa.—Mar. 10:29, 30; 1 Pet. 4:4. w20.10 17 ¶10-11
Kemis, 2 Juni
Kakawasaan di sawarga jeung di bumi, sagemblengna geus diserenkeun ka Kami.—Mat. 28:18.
Urang kudu nyobat jeung Yésus lamun hayang boga hubungan nu alus jeung Yéhuwa. Ku naon? Pikirkeun dua alesan ieu: Kahiji, Yésus ngomong ka murid-muridna, ’Rama ku manten mikanyaah ka maraneh, lantaran maraneh nyaraah ka Kami.’ (Yoh. 16:27) Yésus gé ngomong, ”Lamun henteu ku jalan Kami, moal aya anu bisa datang ka Rama.” (Yoh. 14:6) Lamun urang hayang jadi sobat Yéhuwa tapi embung nyobat jeung Yésus, éta sarua jeung hayang asup ka gedong tapi teu liwat lawang. Yésus maké ibarat nu sarupa kitu waktu ngajelaskeun yén anjeunna téh ”diupamakeun lawang” keur para domba. (Yoh. 10:7) Alesan nu kadua téh Yésus némbongkeun sipat-sipat Bapana kalawan sampurna. Anjeunna ngomong ka murid-muridna, ”Anu geus nenjo Kami tangtu nenjo ka Rama.” (Yoh. 14:9) Jadi, lamun hayang wanoh ka Yéhuwa, urang kudu diajar ngeunaan kahirupan Yésus. Beuki loba diajar ngeunaan Yésus, urang beuki nyaah ka anjeunna. Lamun sosobatan urang jeung Yésus beuki kuat, urang gé bakal beuki nyaah ka Bapana. w20.04 21-22 ¶5-6
Jumaah, 3 Juni
Sim kuring mah lembek kajeun, . . . Puguh ari keur lembek sim kuring mah jadi bedas teh.—2 Kor. 12:10.
Naha Sadérék keur gering ngagolér dina kasur atawa diuk di korsi roda? Naha tuur Sadérék geus ripuh atawa panon geus teu awas? Mun enya, naha Sadérék bisa milu dina pangbalapan rohani bareng jeung nu ngora atawa nu jagjag? Tangtu bisa! Loba nu geus kolot jeung rémpo gé keur lumpat dina jalan kahirupan. Maranéhna bisa ngalakukeun éta lain ku kakuatanana sorangan. Tapi, maranéhna ngandelkeun kakuatan ti Yéhuwa ku cara ngadéngékeun acara pasamoan liwat telepon atawa nongton acara pasamoan liwat Internét. Maranéhna gé milu ngajadikeun murid ku cara méré kasaksian ka dokter, baraya, atawa ka nu ngarawatna. Lamun Sadérék boga masalah kaséhatan, ulah leutik haté jeung mikir yén Sadérék moal bisa nepi ka garis ahir. Yéhuwa nyaah ka Sadérék lantaran iman jeung sagala hal nu geus dilakukeun ku Sadérék keur Mantenna. Ayeuna Sadérék leuwih butuh bantuan Yéhuwa. Sadérék moal ditolak ku Mantenna. (Jab. 9:11) Malah, Mantenna bakal beuki deukeut jeung Sadérék. w20.04 29-30 ¶16-17
Saptu, 4 Juni
Eta kabeh dilakonan pikeun ngamashurkeun Injil Kasalametan bari ngalap berkahna.—1 Kor. 9:23.
Topik naon nu rék dibahas ku Sadérék ka jalma nu taat kana agama? Téangan hal-hal nu bisa katarima ku manéhna. Meureun manéhna ibadah ka hiji Allah, atawa manéhna nyaho Yésus téh saurang nabi, atawa meureun manéhna yakin dunya téh téréh kiamat. Gunakeun topik-topik éta pikeun nepikeun warta Alkitab supaya bisa katarima ku maranéhna. Sing inget, bisa jadi jalma-jalma teu percaya kana sakabéh pangajaran agamana. Jadi sanajan geus nyaho agamana, Sadérék kudu nyaho naon nu sabenerna dipercaya ku manéhna. Saurang misionaris di Argentina merhatikeun yén aya nu ngomongna percaya kana Tritunggal, tapi sabenerna mah teu bener-bener yakin yén Bapa, Putra, jeung roh suci téh hiji Allah. Ceuk manéhna, ”Mun geus kitu, leuwih gampang néangan sasaruaanana.” Jadi, kudu nyaho naon nu sabenerna dipercaya ku jalma-jalma. Ku kituna, urang bisa siga Rasul Paulus nu ngomong, ”Pikeun nu itu sim kuring kudu kawas kitu, pikeun nu ieu kudu kawas kieu.”—1 Kor. 9:19-22. w20.04 10 ¶9-10
Minggu, 5 Juni
Lamun eta jaman geus datang, kabeh jelema ti bangsa maneh, anu ngaran-ngaranna geus dicatet dina Kitab Allah, baris disalametkeun.—Dan. 12:1.
Urang bisa tetep tenang teu sual naon tangtangan nu bakal datang lantaran Daniél jeung Yohanes nyebutkeun yén Yéhuwa sarta Yésus bakal nyalametkeun hamba-hamba-Na tina mangsa cilaka. Daniél nyebutkeun yén nu bakal disalametkeun téh jalma-jalma nu ”ngaran-ngaranna geus dicatet dina Kitab Allah”. Urang kudu kumaha sangkan ngaran urang dicatet? Urang kudu ngabuktikeun iman urang ka Yésus, Anak Domba Allah. (Yoh. 1:29) Urang kudu ngabaktikeun diri ka Allah, tuluy dibaptis. (1 Pet. 3:21) Urang gé kudu ngadukung Karajaan Allah ku cara sabisa-bisa ngabantu batur diajar ngeunaan Yéhuwa. Ayeuna waktuna urang kudu leuwih ngandelkeun Yéhuwa jeung organisasi-Na. Ayeuna waktuna urang ngadukung Karajaan Allah. Lamun éta dilakukeun, urang bakal salamet waktu raja kalér jeung raja kidul dibinasakeun ku Karajaan Allah. w20.05 16 ¶18-19
Senén, 6 Juni
Nun PANGERAN, salamina Gusti baris dimashurkeun.—Jab. 135:13.
Adam jeung Hawa geus apal Allah téh namina Yéhuwa. Maranéhna gé apal loba hal penting ngeunaan Mantenna. Misalna, Yéhuwa téh Nu Nyipta, nu méré kahirupan, nu méré Pirdaus nu éndah, sarta nu méré batur hirup nu sampurna. (Kaj. 1:26-28; 2:18) Tapi, na maranéhna terus mikirkeun nu geus dilakukeun ku Yéhuwa? Na maranéhna terus nyaah jeung ngucap sukur ka Yéhuwa? Jawabanana katingali waktu maranéhna diuji ku musuhna Allah. Yéhuwa téh Allah nu béréhan. Mantenna ngidinan Adam jeung Hawa ngadahar buah ti tangkal mana waé. Ngan hiji tangkal nu buahna teu meunang didahar. Jadi, buah nu masih bisa didahar ku Adam jeung Hawa téh pasti loba pisan jinisna. (Kaj. 2:16, 17; 3:1) Tapi, Sétan malik-malikkeun omongan Yéhuwa. Manéhna maké oray nu dijieun saolah-olah bisa ngomong, tuluy nanya ka Hawa. (Kaj. 2:9) Sétan nyelapkeun kabohongan nu ibarat racun. Sétan hayang Hawa nganggap Allah téh pedit. Bisa jadi Hawa mikir, ’Enya kitu Allah téh nyumputkeun nu hadé?’ w20.06 3-4 ¶8-9
Salasa, 7 Juni
Kudu daek silih eledan, lamun pareng pasendatan jeung batur kudu daek silih hampura.—Kol. 3:13.
Aya ogé umat Yéhuwa nu nyeri haté ka dulur saiman. Rasul Paulus gé nyaho sakapeung urang boga alesan pikeun kasinggung ku dulur saiman. Meureun maranéhna nganyenyeri urang. Tapi mun teu ati-ati, urang bisa keuheul, terus lila-lila ngajauh ti sidang. Pablo ti Amerika Selatan dituduh ngalakukeun kasalahan, padahal mah henteu kitu. Balukarna, Pablo teu dibéré tugas nanaon deui di sidang. Kumaha réaksi Pablo? Ceuk manéhna, ”Urang ambek pisan, lila-lila jadi ngajauh ti sidang.” Haté saurang jalma bisa jadi kasiksa lantaran manéhna pernah ngalakukeun dosa. Manéhna bisa ngarasa Allah moal nyaah deui ka manéhna. Sanajan geus tobat jeung dihampura ku Yéhuwa, meureun manéhna ngarasa geus teu layak jadi umat Allah. Kumaha parasaan Sadérék ka dulur-dulur saiman nu boga masalah jiga sadérék-sadérék éta? w20.06 19 ¶6-7
Rebo, 8 Juni
Jalma anu surti mah kana pibahlaeun teh awas.—Sil. 22:3.
Urang kudu waspada kana hal-hal nu bisa ngaruksak sosobatan urang jeung Yéhuwa, tuluy nyingkahanana. (Ibr. 5:14) Misalna, urang kudu bijaksana dina milih hiburan. Loba acara TV jeung film nu nunjukkeun kalakuan cabul. Yéhuwa geuleuh kana kalakuan cabul. Éta gé bisa nganyenyeri urang jeung batur. Jadi, urang kudu ngajauhan hiburan jiga kitu sabab lila-lila éta bisa nyieun urang teu nyaah deui ka Yéhuwa. (Epe. 5:5, 6) Urang kudu waspada kana kabohongan ti jalma-jalma murtad, sabab maranéhna hayang sadérék-sadérék urang teu percaya ka organisasi Yéhuwa. (1 Tim. 4:1, 7; 2 Tim. 2:16) Kabohongan jiga kitu bisa ngalemahkeun iman urang. Ulah daék dibobodo ku kabohongan jiga kitu. Ku naon? Sabab carita-carita bohong jiga kitu téh asalna ti jalma-jalma nu ”jalan pikiranana geus buntu, bebeneranana geus musna”. Maranéhna hayang urang silih ’bantahan jeung parebut omong’. (1 Tim. 6:4, 5) Lamun urang percaya kana kabohongan maranéhna, urang jadi curigaan ka sadérék-sadérék. w20.09 29 ¶13, 15
Kemis, 9 Juni
Ulah hayang senang sorangan, ragangan hate batur.—1 Kor. 10:24.
Salaki pamajikan kudu silih pikanyaah jeung silih hormat. (Epe. 5:33) Alkitab ngajarkeun urang supaya leuwih sering méré ti batan narima. (Ras. 20:35) Supaya salaki pamajikan bisa silih pikanyaah jeung silih hormat, maranéhna kudu kumaha? Kudu rendah haté. Loba pasangan Kristen nu perkawinanna leuwih bagja lantaran maranéhna rendah haté. Contona, saurang salaki nu ngaranna Steven ngomong, ”Urang duaan kudu kompak, komo deui pas aya masalah. Ulah mikir ’naon nu panghadéna keur aing?’, tapi kudu mikir ’naon nu panghadéna keur urang duaan?’” Stephanie, pamajikanana, gé satuju. Ceuk manéhna, ”Moal aya nu hayang hirup babarengan jeung musuh. Mun aya masalah, urang mariksa naon masalahna. Terus, urang ngadoa, risét, jeung ngobrolkeunana. Nu diperangan téh masalahna, lain batur hirup.” Salaki pamajikan bakal leuwih bagja mun maranéhna teu ngarasa diri leuwih penting ti batan batur hirupna. w20.07 3-4 ¶5-6
Jumaah, 10 Juni
Waktu nyekel keneh agama Yahudi, di antara urang Yahudi anu sapantar mah sim kuring teh pangnyongcolangna.—Gal. 1:14.
Tong ngandelkeun kakuatan jeung kamampuh sorangan dina ngajalankeun tugas ti Yéhuwa. Rasul Paulus téh sakolana luhur. Manéhna diajar ku Gamaliél, salah sahiji pamingpin agama Yahudi nu paling dihormat. (Ras. 5:34; 22:3) Baheula, Paulus gé jadi jalma penting di antara urang Yahudi. (Ras. 26:4) Tapi, Paulus teu ngandelkeun dirina sorangan. Kabéh hal nu dipandang hébat ku dunya téh ditinggalkeun ku Paulus. (Pil. 3:8) Pikeun jadi murid Kristus téh Paulus kudu nyieun pangorbanan. Manéhna dipikageuleuh ku bangsana sorangan. (Ras. 23:12-14) Manéhna gé digebugan jeung dipanjarakeun ku sasama urang Rum. (Ras. 16:19-24, 37) Paulus sadar, manéhna téh teu sampurna jeung hésé pisan pikeun ngalakukeun nu bener. (Rum 7:21-25) Tapi, sanajan loba nu ngamusuhan jeung manéhna sorangan gé ngarasa boga salah, Paulus teu nyerah. Justru manéhna ”senang najan lemah”. Ku naon bisa kitu? Sabab pas keur lemah, manéhna bisa ngarasakeun bantuan Allah.—2 Kor. 4:7; 2 Kor. 12:10, NW. w20.07 16 ¶7-8
Saptu, 11 Juni
Sing saha anu percaya ka Kami . . . bakal ngalampahkeun anu leuwih ti kitu.—Yoh. 14:12.
Kiwari, urang kudu ngutamakeun kagiatan pangwawaran. Yésus ngaramalkeun yén sanggeus anjeunna maot, murid-muridna bakal terus ngawawar, malahan pangwawaranna leuwih gedé ti batan nu dilakukeun ku anjeunna. Sanggeus dihirupkeun deui, anjeunna nyieun mujijat supaya murid-murid bisa ngala loba pisan lauk. Harita, anjeunna ngingetan yén tugas ngala jelema téh leuwih penting ti batan pagawéan naon waé. (Yoh. 21:15-17) Percis saacan diangkat ka sawarga, Yésus méré nyaho murid-murid yén pangwawaran téh bakal terus nyebar ka sagala bangsa, nepi ka tungtung bumi. (Ras. 1:6-8) Sababaraha taun sanggeusna, Yésus méré téténjoan ka Yohanes nu nunjukkeun naon nu bakal kajadian dina ”Poean Gusti”. Yohanes ningali aya malaikat ngabingbing sangkan ”warta hal Injil Kasalametan nu langgeng” diuarkeun ”ka unggal bangsa, suku bangsa, basa, jeung nagara”. (Wahyu 1:10; 14:6) Jelas, Yéhuwa hayang urang miluan kagiatan pangwawaran sadunya nepi ka waktuna béak. w20.09 9 ¶5
Minggu, 12 Juni
Ku karana percaya, Ibrahim sadrah waktu didoja ku Allah kudu meuncit Ishak putrana dijieun kurban.—Ibr. 11:17.
Kulawarga Ibrahim gé boga masalah séjén nu beurat. Sarai téh mandul. Geus puluhan taun Ibrahim jeung Sarai sedih lantaran masalah éta. Jadi Sarai méré gandék awéwéna, nyaéta Hajar, ka Ibrahim. Tujuanana supaya Ibrahim jeung Sarai bisa boga budak ti manéhna. Tapi waktu Hajar ngandung Ismail, manéhna mulai ngahina Sarai. Jadi, masalah dina kulawarga Ibrahim téh beuki gedé. Tungtungna, Sarai ngusir Hajar ti imah. (Kaj. 16:1-6) Ahirna, Sarai ngandung sarta ngalahirkeun budak lalaki nu dingaranan Ishak. Ibrahim nyaah ka dua budakna, boh ka Ismail boh ka Ishak. Tapi lantaran Ismail jahat ka Ishak, Yéhuwa nitah Ibrahim ngusir Ismail jeung Hajar. (Kaj. 21:9-14) Ka dieunakeun, Yéhuwa ménta Ibrahim keur ngurbankeun Ishak. (Kaj. 22:1, 2; Ibr. 11:17-19) Dina kaayaan-kaayaan nu susah ieu, Ibrahim kudu boga iman ka Yéhuwa jeung percaya Mantenna bakal ngawujudkeun jangji-Na ngeunaan putra-putrana. w20.08 4 ¶9-10
Senén, 13 Juni
Jaradi manusa anyar anu diciptakeunana nurut tuladan Allah, hirup kudu bener, lempeng, suci.—Epe. 4:24.
Jalma-jalma nu dihirupkeun deui gé pasti bakal bungah pisan! Tapi, maranéhna kudu barobah. Maranéhna kudu miceun kapribadian heubeul sarta nuturkeun patokan hirup ti Allah. Nu daék barobah bakal hirup langgeng, tapi nu embung barobah mah moal diidinan hirup di Pirdaus. (Yes. 65:20; Yoh. 5:28, 29) Waktu Yésus maréntah, kabéh umat Allah bakal ngarasakeun benerna kekecapan dina Siloka 10:22 (NW), ”Nu ngabeungharkeun téh berkah Yéhuwa, jeung éta moal dibarengan ku kapeurih.” Ku bantuan roh suci, umat Allah bakal beuki beunghar sacara rohani. Maksudna, sipat-sipat maranéhna bakal beuki sarua jeung Kristus. Lila-lila, maranéhna gé bakal sampurna. (Yoh. 13:15-17; Epe. 4:23) Terus unggal poé, awak maranéhna bakal beuki séhat. Pasti hirup téh bungah pisan!—Ayub 33:25. w20.08 17 ¶11-12
Salasa, 14 Juni
Usahakeun hirup . . . ulah campur kana urusan batur.—1 Tes. 4:11.
Kumaha urang bisa ngahargaan parasaan dulur saiman nu teu kawin jeung ngarti kana kaayaan manéhna? Urang kudu inget, aya dulur saiman nu mémang embung kawin. Nu séjénna meureun hayang kawin, tapi can manggihan jalma nu cocog keur jadi batur hirupna. Aya ogé nu ditinggal maot ku batur hirupna. Tapi intina, urang sakuduna teu nanya ku naon maranéhna teu kawin. Urang gé sakuduna teu ngajodo-jodokeun maranéhna. Mun urang teu dipénta, kira-kira kumaha parasaan maranéhna mun urang ngajodo-jodokeun maranéhna? (1 Tim. 5:13) Sadérék-sadérék nu léngoh kénéh pasti nganuhunkeun pisan mun urang teu karunya ka maranéhna pedah maranéhna teu kawin. Urang sakuduna ngahargaan sipat-sipat alus jeung kasatiaan maranéhna. Ku kituna, maranéhna moal pernah ngarasa saolah-olah urang ngomong, ”Urang mah teu butuh maneh!” (1 Kor. 12:21, SF) Justru maranéhna bakal ngarasa dihargaan jeung dibutuhkeun ku sidang. w20.08 29 ¶10, 14
Rebo, 15 Juni
[Kristus] nembongana-Na ka anu sok ngariring ka Anjeunna, sakali jadi ka anu reana leuwih tilima ratus urang.—1 Kor. 15:6.
Ka dieunakeun, sanggeus dihirupkeun jeung balik deui ka sawarga, Yésus némbongan dirina ka Paulus. (1 Kor. 15:8) Harita, Paulus (Saulus) keur aya di jalan, rék indit ka Damsik. Ujug-ujug, manéhna ngadéngé sora Yésus sarta nénjo anjeunna dina hiji titingalian. (Ras. 9:3-5) Pangalaman Paulus ieu neguhkeun yén Yésus mémang bener-bener geus dihirupkeun deui. (Ras. 26:12-15) Katerangan ti Paulus téh bisa jadi bukti nu kuat. Ku naon? Baheula, Paulus osok nganiaya urang Kristen. Tapi sanggeus yakin yén Yésus geus bener-bener dihirupkeun deui, Paulus bajoang ngayakinkeun batur ngeunaan bebeneran ieu. Paulus nepi ka réla diteunggeulan, dipanjarakeun, jeung ngalaman kapal kandas, demi ngayakinkeun batur. (1 Kor. 15:9-11; 2 Kor. 11:23-27) Saking yakinna Yésus geus dihirupkeun deui, Paulus nepi ka réla maot demi ngabéla imanna ieu. Katerangan ti hamba-hamba Allah dina abad kahiji pasti beuki ngayakinkeun urang yén Yésus geus dihirupkeun deui tina maot. Ieu gé beuki ngayakinkeun urang yén jalma-jalma nu geus maot bakal dihirupkeun deui. w20.12 3 ¶8-10
Kemis, 16 Juni
Ana Mantenna dipilari tangtos Mantenna mendakan.—2 Bab. 15:2.
Pék pikirkeun, ’Na abdi rutin masamoan?’ Dina pasamoan, urang disegerkeun ku dahareun rohani jeung dikuatkeun ku dulur-dulur saiman. (Mat. 11:28) Pikirkeun ogé: ’Na abdi rutin ngayakeun palajaran pribadi?’ Atawa, mun hidep cicing jeung kulawarga, na hidep sakulawarga ngayakeun ibadah kulawarga unggal mingguna? Mun geus teu cicing jeung kulawarga, na hidep masih nyadiakeun waktu unggal minggu pikeun diajar? Terus, na hidep sabisa-bisa ngawawar jeung ngajar? Ku naon urang kudu mikirkeun hal-hal éta? Ceuk Alkitab, Yéhuwa mariksa pikiran jeung haté urang, jadi urang gé kudu mastikeun, eusi pikiran jeung haté urang téh nyenangkeun Yéhuwa atawa henteu. (1 Bab. 28:9) Mun urang ngarasa aya nu kudu dirobah dina diri urang, misalna cita-cita, sikep, atawa cara pikir urang, pék pénta bantuan Yéhuwa supaya bisa barobah. Ayeuna, urang kudu nyiapkeun diri pikeun ujian iman nu bakal datang. w20.09 19 ¶19-20
Jumaah, 17 Juni
Lamun teu iklas ngorbankeun sagala rupa, moal aya anubisa jadi murid Kami.—Luk. 14:33.
Yésus méré ibarat ngeunaan jalma nu rék ngawangun munara. Manéhna kudu ”diuk heula ngitung-ngitung” biayana. Terus raja nu rék perang gé kudu mikir jeung ménta naséhat heula, na pasukanna sanggup ngalawan musuh atawa henteu. (Luk. 14:28-32) Yésus méré ibarat kieu téh jang ngajelaskeun, jalma nu hayang jadi muridna kudu bener-bener ngarti naon nu kudu dilakukeun ku manéhna. Ngarah bisa ngarti, manéhna kudu diajar unggal minggu. Sabagé guru, urang kudu bener-bener persiapan unggal rék mandu palajaran Alkitab. Urang kudu mikirkeun kumaha cara nu saderhana jeung jelas pikeun nerangkeunana, supaya palajar gampang ngarti jeung bisa ngalarapkeunana.—Neh. 8:8; Sil. 15:28a. w20.10 7 ¶5; 8 ¶7
Saptu, 18 Juni
Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami . . . Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh.—Mat. 28:19, 20.
Tugas ti Yésus téh jelas. Urang kudu ngajarkeun paréntah-paréntah Yésus ka batur. Tapi, aya hal penting nu kudu diperhatikeun. Yésus teu ngomong, ’Ajarkeun sagala perkara anu ku Kami geus diparéntahkeun ka maranéh.’ Tapi anjeunna ngomong, ”Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparéntahkeun ka maranéh.” Ngarah palajar bisa ngalakonan éta kabéh, urang kudu nyontoan ka manéhna, teu ngan saukur ngajarkeunana. (Ras. 8:31) ”Ngalakonan” paréntah téh hartina taat kana paréntah éta. Waktu ngajarkeun Alkitab ka batur, urang téh ngajarkeun paréntah-paréntah Allah. Tapi, ngajarkeun éta wungkul teu cukup. Urang gé kudu mantuan palajar ngajalankeun paréntah-paréntah éta. (Yoh. 14:15; 1 Yoh. 2:3.) Misalna, béré nyaho kumaha carana nuturkeun prinsip Alkitab di sakola, di tempat gawé, atawa waktu keur ulin. Waktu keur jeung palajar, pék ngadoa bareng. Pénta bingbingan Yéhuwa liwat roh suci.—Yoh. 16:13. w20.11 2-3 ¶3-5
Minggu, 19 Juni
Paneja maneh bakal laksana; lain ku karana kakuatan balad lain ku karana tanaga maneh sorangan, tapi ku karana Roh Kami.—Zak. 4:6.
Tapi, aya kénéh tangtangan séjénna. Misalna, harita salinan Kitab Suci ngan aya saeutik. Jeung teu jiga ayeuna, baheula mah can aya buku-buku nu ngajelaskeun Alkitab. Murid-murid gé kudu ngawawar ka jalma nu basana béda-béda. Sanajan kitu, murid-murid bisa ngalakukeun hal nu katingalina mah mustahil. Kira-kira ngan dina 30 taun, warta hadé geus ”diembarkeun ka saban jelema saalam dunya.” (Kol. 1:6, 23) Dina jaman modéren, Yéhuwa terus ngabingbing jeung méré kakuatan ka umat-Na. Lolobana mah, bingbingan éta aya dina Alkitab, nu ditulis ku bantuan roh suci. Alkitab nyaritakeun ngeunaan palayanan Yésus. Di ditu gé, aya paréntah Yésus ka murid-muridna pikeun neruskeun pagawéan anjeunna. (Mat. 28:19, 20) Mantenna geus méré nyaho, warta hadé bakal diuarkeun ka ”unggal bangsa, suku bangsa, basa, jeung nagara”. (Wahyu 14:6, 7) Mantenna hayang kabéh jalma ngadéngékeun warta hadé. Jadi jelas, Yéhuwa teu beurat sabeulah. w20.10 21 ¶6-8
Senén, 20 Juni
Ngangkat nu hina harkat, nundukkeun anu arangkuh.—2 Sam. 22:28.
Raja Daud resep kana ”Hukum PANGERAN”. (Jab. 1:1-3) Manéhna apal, Yéhuwa resep ka nu rendah haté sarta ngéwa ka nu sombong. Jadi, Daud daék pikiranna dirobah ku hukum Allah. Manéhna nulis, ”Kaula muji sukur ka PANGERAN, reh ku Mantenna dituyun, ari ti peuting sanubari teh ngingetan.” (Jab. 16:7) Mun urang rendah haté, Firman Allah bisa ngarobah pikiran urang saacan urang nyieun tindakan nu salah. Firman Allah saolah-olah ngabéjaan ka urang, ”Ieu jalanna, tuturkeun!” Firman Allah bakal méré paringetan mun urang nyimpang ka kénca atawa ka katuhu. (Yes. 30:21) Nurut ka Yéhuwa téh loba mangpaatna. (Yes. 48:17) Misalna urang moal éra, lantaran teu kudu dipapatahan ku batur. Urang ogé bakal leuwih akrab jeung Yéhuwa lantaran urang ngarasa Yéhuwa téh Bapa anu nyaah ka urang.—Ibr. 12:7. w20.11 20 ¶6-7
Salasa, 21 Juni
Ngadarenge hal pihudangeunana anu maraot, jalma-jalma teh nu sawareh moyok.—Ras. 17:32.
Sababaraha urang Kristen di Korinta jadi kababawa ku cara pikir maranéhna. (1 Kor. 15:12) Terus nu séjénna bisa jadi mikir, saurang jalma disebut ”maot” téh lantaran geus dosa, tapi ”dihirupkeun deui” waktu manéhna jadi urang Kristen. Teu sual naon alesanana, mun teu percaya Yésus geus dihirupkeun deui, iman maranéhna téh percumah. Mun Allah teu ngahirupkeun deui Yésus, tebusan téh moal aya. Jadi, dosa urang gé teu bisa dihampura. Ku kituna, jalma nu teu percaya kana pihudangeunana nu geus maot téh teu boga harepan. (1 Kor. 15:13-19; Ibr. 9:12, 14) Rasul Paulus nyaksian sorangan yén ”Kristus téh geus dihirupkeun deui ti nu maraot”. Pihudangeunana Yésus téh istiméwa. Ku naon? Sabab jalma-jalma anu dihirupkeun deui saacan Yésus mah tungtungna téh maot deui. Paulus ngomong, Yésus téh ”nu pangmimitina dihirupkeun deui ti jalma-jalma nu sararé dina maot.” Yésus téh jalma nu pangmimitina dihirupkeun deui sabagé mahluk roh, sarta jalma nu pangmimitina diangkat ka sawarga.—1 Kor. 15:20, NW; Ras. 26:23; 1 Pet. 3:18, 22. w20.12 5 ¶11-12
Rebo, 22 Juni
Aranjeunna nepikeun sarat-sarat ti rasul-rasul jeung para kokolot.—Ras. 16:4.
Dina abad kahiji, Badan Pingpinan di Yérusalém digawé sauyunan supaya umat Allah tetep rukun jeung tartib. (Ras. 2:42) Misalna, waktu aya masalah sunat kira-kira taun 49 M, Badan Pingpinan nu dibingbing ku roh suci ngurus masalah éta. Mun masalahna teu diurus, sidang bakal terus papecah. Engkéna, kagiatan pangwawaran bisa kaganggu. Para rasul jeung kokolot téh urang Yahudi, tapi maranéhna teu kabawakeun ku adat kabiasaan Yahudi atawa ku jalma-jalma nu maksakeun sunat. Justru, maranéhna mariksa Firman Allah jeung ménta bingbingan roh suci. (Ras. 15:1, 2, 5-20, 28) Naon hasilna? Yéhuwa ngaberkahan putusan maranéhna. Sidang tetep ngahiji jeung rukun. Kagiatan pangwawaran gé terus jalan. (Ras. 15:30, 31; 16:5) Dina jaman modéren, Organisasi Yéhuwa upaya ngarah umat Allah tetep rukun jeung tartib. w20.10 22-23 ¶11-12
Kemis, 23 Juni
Suleman putra kami anu geus dipilih ku PANGERAN.—1 Bab. 29:1.
Bisa waé urang teu dibéré tugas nu dipikahayang dina palayanan, meureun lantaran urang geus kolot teuing, boga masalah kaséhatan, atawa hal-hal séjénna. Mun kaayaan urang jiga kitu, pikirkeun conto Raja Daud. Daud hayang pisan ngawangun bait Allah. Tapi waktu dibéré nyaho lain manéhna nu bakal ngawangun, Daud tetep ngadukung jalma nu dipilih ku Yéhuwa pikeun ngajalankeun tugas éta. Manéhna gé méré sumbangan nu loba pisan. Daud téh bener-bener tuladan nu hadé! (2 Sam. 7:12, 13; 1 Bab. 29: 3-5) Lantaran boga masalah kaséhatan, saurang sadérék ti Prancis nu ngaranna Hugo geus teu ngalayanan jadi kokolot deui. Malah, ngalakukeun tugas nu saderhana di imah gé manéhna geus teu sanggupeun. Manéhna nulis, ”Mimitina mah, abdi ngarasa diri euweuh guna jeung leutik haté pisan. Tapi, lila-lila abdi bisa narima kanyataan, sarta bisa tetep bungah ngawula Yéhuwa najan kaayaan abdi jiga kieu. Jiga Gidion jeung tilu ratus prajuritna, najan kacida capéna, abdi bakal terus bajoang!”—Hak. 8:4. w20.12 25 ¶14-15
Jumaah, 24 Juni
Hayu dulur-dulur urang silih pikaasih.—1 Yoh. 4:7.
Dina tulisanna, Rasul Yohanes sering pisan nyebutkeun yén urang Kristen kudu nunjukkeun kanyaah. Misalna, waktu nulis ngeunaan kisah hirup Yésus, kecap Yunani pikeun ”kaasih” jeung ”mikaasih” nu ditulis ku manéhna téh leuwih loba tibatan nu aya dina tilu Injil séjénna mun dihijikeun. Tulisan Yohanes téh ngajarkeun yén kabéh nu urang lakukeun kudu dijurung ku kanyaah. (1 Yoh. 4:10, 11) Tapi, Yohanes sorangan gé butuh waktu pikeun mikanyaah batur. Waktu ngora kénéh, Yohanes sababaraha kali teu nunjukkeun kanyaah. Misalna sakali waktu, Yésus jeung murid-muridna rék indit ka Yérusalém liwat Samaria. Harita, aya hiji désa nu teu soméah ka maranéhna. Manéhna hayang, seuneu diturunkeun ti langit pikeun ngalebur kabéh jalma di désa éta! (Luk. 9:52-56) Terus sakali waktu, Yohanes teu nunjukkeun kanyaah ka rasul-rasul séjén. Katingalina, manéhna jeung dulurna, nyaéta Yakobus, ménta ibuna supaya ngomong ka Yésus ngarah maranéhna dibéré kadudukan nu penting dina Karajaan. Waktu rasul-rasul séjén nyahoeun, maranéhna ambek! (Mat. 20:20, 21, 24) Tapi najan Yohanes pernah nyieun kasalahan jiga kitu, Yésus tetep nyaah ka manéhna.—Yoh. 21:7. w21.01 8-9 ¶3-4
Saptu, 25 Juni
Kristus oge henteu senang-senang nyalira.—Rum 15:3.
Unggal nyieun putusan, Yéhuwa téh mikirkeun kapentingan batur. Misalna, Mantenna nyieun putusan keur nyiptakeun kahirupan. Éta téh lain keur kapentingan Mantenna, tapi supaya nu séjén ogé bisa ngarasakeun bungahna hirup. Terus, Mantenna gé nyieun putusan pikeun ngorbankeun Putra-Na demi nutupan dosa-dosa urang. Euweuh nu maksa Yéhuwa ngalakukeun éta, tapi Mantenna réla méré tebusan demi urang. Yésus gé nyieun putusan-putusan demi kapentingan batur. Misalna, sanajan capé pisan, anjeunna ngabélaan ngajar jalma réa jeung teu istirahat. (Mar. 6:31-34) Kapala kulawarga nu hadé apal yén nyieun putusan nu bijaksana keur kulawargana téh salah sahiji hal anu panghéséna. Manéhna gé apal, éta téh tanggung jawab nu gedé pisan. Jadi manéhna moal asal nyieun putusan, atawa nyieun putusan anu ngan dumasar kana parasaanana wungkul. Justru manéhna bakal néangan bingbingan ti Yéhuwa. (Sil. 2:6, 7) Ku kituna, waktu nyieun putusan, kapala kulawarga moal ngan mikirkeun dirina sorangan, tapi bakal mikirkeun kulawargana ogé. (Pil. 2:4) Tapi mun manéhna sabisa-bisa nuturkeun Yéhuwa jeung Yésus, manéhna bisa jadi kapala kulawarga nu hadé. w21.02 7 ¶19-21
Minggu, 26 Juni
Lampah Asa sapagodos jeung pangersa PANGERAN Allahna, bener jeung hade.—2 Bab. 14:2.
Basa ngora kénéh, Raja Asa téh rendah haté jeung gedé kawani. Misalna, waktu Asa jadi raja ngagantikeun Abia, bapana, manéhna téh nyingkirkeun brahala-brahala ti Yuda. Manéhna gé nitah urang Yuda pikeun ”ngalampahkeun pangersa PANGERAN, Allah karuhun maranehna, kudu nurut kana papakon-papakon jeung timbalan-timbalan Mantenna”. (2 Bab. 14:1-7) Terus waktu Sérah jeung 1.000.000 prajuritna ti Étiopia nyerang Yuda, Asa ménta bingbingan ti Yéhuwa. Manéhna ngomong, ”Nun Yéhuwa, Gusti mah tangtos gampil baé mitulung ka balad alit balad ageung ogé. Tulungan abdi sadaya, nun Gusti Yéhuwa, sabab abdi sadaya percanten ka Gusti.” Jelas, Asa téh yakin pisan yén Yéhuwa bisa nyalametkeun manéhna jeung bangsana. Bener wé, ”Yéhuwa ngéléhkeun urang Étiopia.” (2 Bab. 14:8-12, NW) Anjeun gé pasti satuju, ngalawan 1.000.000 prajurit téh teu gampang. Tapi lantaran ngandelkeun Yéhuwa, Asa bisa ngéléhkeun musuhna. w21.03 5 ¶12-13
Senén, 27 Juni
Sing silih raketan, silih pidulur.—Rum 12:10.
Dina Alkitab, aya conto jalma-jalma teu sampurna nu bisa mikanyaah batur jiga ka kulawarga sorangan. Misalna, Yonatan jeung Daud. Alkitab nyebutkeun, ”Yonatan ti harita manahna katarik ku Daud, kacida asiheunana, lir ka beubeulahan nyawa ku anjeun.” (1 Sam. 18:1) Harita, Daud téh geus dilantik jadi raja pikeun ngagantikeun Saul. Ka dieunakeun, Saul sirik jeung hayang maéhan Daud. Tapi Yonatan, putrana, mah teu pipilueun. Yonatan jeung Daud geus jangji bakal satia sarta silih dukung. (1 Sam. 20:42) Kanyaah antara Yonatan jeung Daud téh luar biasa, komo deui mun urang mikirkeun sababaraha hal nu bisa waé ngahalangan maranéhna keur jadi sobat. Misalna, Yonatan téh kira-kira 30 taun leuwih kolot tibatan Daud. Jadi Yonatan bisa waé mikir, moal nyambung mun nyobat jeung Daud nu jauh leuwih ngora sarta kurang pangalaman. Tapi, Yonatan teu nganggap rendah Daud. w21.01 22 ¶6-7
Salasa, 28 Juni
Dulur-dulur, upama aranjeun meunang rupa-rupa gogoda, anggap eta saperti meunang rahmat bae.—Yak. 1:2.
Yésus jangji, murid-muridna bakal bener-bener bagja. Tapi, anjeunna gé ngingetan murid-murid yén maranéhna bakal nyanghareupan tangtangan. (Mat. 10:22, 23; Luk. 6:20-23) Urang bungah jadi muridna Kristus. Tapi, kumaha lamun urang meunang tangtangan ti kulawarga, dikaniaya ku pamaréntah, atawa dipaksa ngalakukeun hal nu goréng ku batur gawé atawa batur sakola? Mun mikirkeun hal-hal éta, urang bisa ngarasa hariwang. Biasana, jalma-jalma teu bungah waktu dikaniaya. Tapi ceuk Firman Allah, urang bisa tetep bungah waktu dikaniaya. Misalna Yakobus nulis, waktu boga masalah, urang ulah ngarasa teu daya, tapi urang kudu ngarasa bungah. (Yak. 1:2, NW; Yak. 1:12) Yésus gé ngomong, urang kuduna bagja waktu dikaniaya. (Mat. 5:11) Yéhuwa méré ilham ka Yakobus pikeun nulis naséhat-naséhat nu bisa ngabantu maranéhna tetep bungah sanajan keur susah. w21.02 26 ¶1-2; 27 ¶5
Rebo, 29 Juni
Singkiran omongan anu teu pantes.—1 Tim. 6:20.
Dina jaman Timoteus, aya sababaraha urang Kristen nu teu ngahargaan kahormatan pikeun jadi batur gawé Allah. Misalna, Démas, Pigélus, Hermogénés, Himénius, Pilétus, jeung Aléksander. (1 Tim. 1:19, 20; 2 Tim. 1:15; 2:16-18; 4:10) Tadina mah jalma-jalma ieu téh nyaah ka Yéhuwa, tapi ka dieunakeun maranéhna geus teu nganggap penting hal-hal nu dipercayakeun ku Yéhuwa. Naon nu dilakukeun ku Sétan supaya urang ngaleupaskeun hal-hal nu geus dipercayakeun ku Yéhuwa? Sétan ngagunakeun sababaraha cara supaya urang ninggalkeun Yéhuwa jeung eureun ngawawar. Misalna, manéhna ngagunakeun film, bacaan, jeung Internét pikeun ngaruksak cara pikir sarta tindakan urang. Manéhna gé mangaruhan jalma-jalma pikeun ngaléléwé jeung nganiaya urang. Terus, Sétan ngabibita urang ku pangajaran murtad nu ku jalma-jalma dianggap bener. Mun teu ati-ati, lila-lila urang bisa ninggalkeun bebeneran.—1 Tim. 6:21. w20.09 27-28 ¶6-8
Kemis, 30 Juni
[Yéhuwa] ngadangueun panyambat kami menta tulung, paneda kami baris ditarima.—Jab. 6:10.
Na Sadérék pernah dinyenyeri ku kulawarga atawa babaturan? Mun pernah, Sadérék bisa meunang mangpaat tina kisahna Raja Daud nu dihianatan ku Absalom. (2 Sam. 15:5-14, 31; 18:6-14) Pék caritakeun ka Yéhuwa kumaha parasaan Sadérék. (Jab. 6:7-9) Bayangkeun, kira-kira kumaha parasaan Daud harita? Daud téh nyaah ka Absalom jeung percaya ka Ahitopél. Tapi, maranéhna kalah ka ngahianat ka Daud. Malah, maranéhna hayang maéhan Daud. Daud jadi sedih pisan. Manéhna bisa waé jadi teu percaya ka babaturanana nu séjén, sabab nganggap maranéhna gé bakal ngahianat. Terus manéhna gé bisa waé kabur, da hayang nyalametkeun dirina sorangan. Atawa, manéhna bisa leutik haté jeung nyerah. Sabalikna, Daud ngadoa ménta tulung ka Yéhuwa. Manéhna gé ménta tulung ka babaturanana. Terus sanggeus nyieun putusan, Daud langsung ngajalankeunana. Manéhna tetep percaya ka Yéhuwa jeung babaturanana. w21.03 15 ¶7-8; 17 ¶10-11