Juli
Jumaah, 1 Juli
Kakawasaan di sawarga jeung di bumi, sagemblengna geus diserenkeun ka Kami.—Mat. 28:18.
Urang kudu nyobat jeung Yésus supaya doa urang dijawab. Ieu lain hartina urang ngan saukur nyebut ”ku nami Yésus” dina tungtung doa. Urang kudu paham scarana Yéhuwa ngagunakeun Yésus dina ngajawab doa urang. Ceuk Yésus ka para rasulna, ”Naon bae anu disuhunkeun ku maraneh make ngaran Kami, tangtu ku Kami dikabul.” (Yoh. 14:13) Sanajan ngan Yéhuwa nu ngadangu jeung ngajawab doa urang, Mantenna geus masihan wewenang ka Yésus pikeun ngalaksanakeun putusana-Na. Jadi saacan ngajawab doa urang, Allah ningali naha urang geus ngalarapkeun naséhat Yésus. Misalna, Yésus ngomong, ”Lamun maraneh ngahampura kasalahan batur, kasalahan maraneh ge ku Rama di sawarga tangtu dihampura. Lamun maraneh henteu ngahampura kasalahan batur, kasalahan maraneh ge ku Rama nu di sawarga moal dihampura.” (Mat. 6:14, 15) Jadi penting pisan sangkan urang bageur ka batur, sakumaha Yéhuwa jeung Yésus gé tos bageur ka urang! w20.04 22 ¶6
Saptu, 2 Juli
Kaula rek ngembarkeun Injil Kasalametan, seja ngajak aranjeun tobat tina nyembah kana barang gaplah, kana nyembah ka Allah anu jumeneng.—Ras. 14:15.
Rasul Paulus merhatikeun naon karesep jalma-jalma, jadi manéhna bisa nyaluyukeun bahasanana. Misalna, jalma-jalma di Listra teu nyaho jeung teu pati apal kana Kitab Suci. Jadi, Paulus ngabahas hal-hal nu kaharti ku maranéhna. Manéhna ngomongkeun panén nu limpah jeung hal-hal nu nyenangkeun haté. Manéhna ngagunakeun kekecapan jeung conto nu langsung kaharti ku jalma-jalma. Kudu nyaho naon nu dipikaresep ku jalma-jalma di daérah Sadérék, tuluy luyukeun bahasanana. Kumaha Sadérék bisa nyaho naon nu dipikaresep ku saurang jalma waktu Sadérék ngadatangan manéhna atawa imahna? Perhatikeun kaayaan. Misalna manéhna keur bébérés taman, maca buku, ngoméan kendaraan, atawa ngalakukeun kagiatan séjénna. Meureun Sadérék bisa ngamimitian obrolan ku cara ngabahas naon nu keur dilakukeunana. (Yoh. 4:7) Malah tina papakéanana, Sadérék bisa nyaho manéhna ti nagri mana, pagawéanana naon, atawa naon tim olahraga karesepna. w20.04 11 ¶11-12
Minggu, 3 Juli
Sagala kasusah unjukkeun ka Mantenna, sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.—1 Pet. 5:7.
Lantaran strés beurat, aya dulur-dulur saiman nu sok ngarasa geumpeur jeung teu percaya diri unggal babarengan jeung jalma réa dina kagiatan sapopoé. Maranéhna meureun ngarasa teu genah aya di antara loba jalma, tapi maranéhna terus datang ka pasamoan jeung kongrés. Maranéhna ngarasa ngomong ka nu teu dikenal téh hésé, tapi maranéhna ngomong ka batur pas keur dines. Mun éta nu dirasakeun ku Sadérék, sing yakin Sadérék teu sorangan. Loba nu bajoang saperti Sadérék. Sing inget, Yéhuwa atoh ningali upaya Sadérék nu sapinuh haté. Sabenerna, Sadérék bisa terus satia téh bukti yén Yéhuwa ngaberkahan jeung masihan kakuatan nu dibutuhkeun ku Sadérék. (Pil. 4:6, 7) Lamun Sadérék ngawula Yéhuwa sanajan aya masalah kaséhatan fisik atawa émosi, sing yakin Sadérék kamanah ku Yéhuwa. Kalolobaan ti urang mah teu kabéh boga awak nu jagjag, tapi urang bisa tetep tabah. (2 Kor. 4:16) Ku bantuan Yéhuwa, urang bakal lumpat nepi ka garis ahir! w20.04 31 ¶20-21
Senén, 4 Juli
Kakawasaana-Na anu langgeng jeung sipat Allahna, geus atra tetela ka manusa dina saniskara hasil ciptaana-Na.—Rum 1:20.
Cara Allah nyiptakeun planét Bumi ngabuktikeun yén Mantenna téh bijaksana. (Ibr. 3:4) Bumi téh lain hiji-hijina planét nu ngurilingan panonpoé. Tapi, Bumi téh istiméwa. Ku naon? Sabab kaayaan di Bumi cocog pisan pikeun nunjang kahirupan manusa. Planét Bumi bisa diibaratkeun jiga kapal laut nu aya di tengah samudra. Tapi, aya sababaraha hal penting nu ngabédakeun Bumi jeung kapal jieunan manusa. Pék pikirkeun, lamun jalma-jalma di jero kapal kudu ngahasilkeun sorangan oksigén, kadaharan, jeung cai, bari jeung teu meunang miceun runtah naon waé ka luar kapal, sabaraha lila maranéhna bisa tetep hirup? Tangtu maranéhna bakal gancang maot. Tapi, Bumi mah bisa nunjang miliaran mahluk hirup. Bumi ngahasilkeun oksigén, kadaharan, jeung cai nu dibutuhkeun ku urang. Urang teu pernah kakurangan éta kabéh. Sanajan kabéh runtah masih aya di Bumi, Bumi tetep éndah jeung layak dicicingan. Ku naon bisa kitu? Ku Yéhuwa, Bumi geus dirancang sangkan bisa ngarobah kabéh runtah jadi hal-hal nu bisa digunakeun deui. w20.05 20 ¶3-4
Salasa, 5 Juli
Teu kitu. Hamo matak paeh.—Kaj. 3:4.
Sétan terus terang mitnah nami Allah, nyebutkeun Yéhuwa téh tukang bohong. Ku kituna, Sétan jadi Iblis, atawa tukang mitnah. Hawa katipu sarta percaya ka Sétan. (1 Tim. 2:14) Manéhna leuwih percaya ka Sétan ti batan ka Yéhuwa. Tah, éta nu nyababkeun Hawa nyieun putusan nu parah pisan. Manéhna teu nurut ka Yéhuwa ku cara ngadahar buah nu dilarang ku Mantenna. Tuluy, éta buah dibikeun ka Adam. (Kaj. 3:6) Kumaha sakuduna Hawa ngajawab Sétan? Sabenerna, bisa waé Hawa ngomong kieu, ”Saha sih manéh téh? Abdi mah teu kenal. Ari Yéhuwa mah Bapa abdi. Abdi nyaah jeung percaya ka Yéhuwa, da Mantenna geus méré sagalana ka abdi jeung Adam. Wawanian pisan ngomong kitu ka Bapa abdi! Indit siah!” Cik bayangkeun, Yéhuwa pasti senang mun budak awéwé-Na ngomong kitu. (Sil. 27:11) Tapi, hanjakalna Hawa teu pati nyaah ka Yéhuwa. Adam gé sarua. Ku kituna, maranéhna teu ngabéla nami Yéhuwa waktu Mantenna dipitnah. w20.06 4 ¶10-11
Rebo, 6 Juli
Yéhuwa méré paréntah; Para wanita nu ngémbarkeun warta hadé téh jiga pasukan nu gedé.—Jab. 68:11, ”NW”.
Para sadérék istri mémang layak dipuji. Maranéhna ngalakukeun loba hal dina palayanan, misalna milu ngawangun jeung ngarawat wangunan milik organisasi, ngabantu kelompok basa séjén, sarta jadi rélawan di tempat-tempat milik kantor cabang. Aya ogé nu réla mantuan dulur-dulur nu keuna musibat alam, narjamahkeun publikasi, sarta jadi panaratas atawa utusan injil. Terus, loba ogé nu ngadukung salakina keur ngajalankeun tugas di sidang sarta dina organisasi. Salaki maranéhna moal bisa jadi kurnia keur sidang mun teu didukung ku maranéhna. (Epe. 4:8) Kokolot nu bijaksana paham yén para sadérék istri téh ”pasukan nu gedé” nu réla digawé, sarta seringna tarampil dina ngawawar. Kokolot gé paham yén sadérék istri nu satia jeung leuwih kolot bisa mantuan sadérék istri nu leuwih ngora keur nyanghareupan masalah. (Tit. 2:3-5) Jadi, sadérék istri téh mémang layak dihargaan! w20.09 23-24 ¶13-14
Kemis, 7 Juli
Rama maraneh di sawarga oge kitu. Kahoyong-Na ulah aya saurang-urang acan umat-Na anu laleutik keneh anu leungit ti Mantenna.—Mat. 18:14.
Yéhuwa moal poho ka jalma-jalma nu pernah ngawula Mantenna, nu ayeuna keur ngajauh ti sidang. Mantenna gé teu pernah poho naon nu geus dilakukeun ku maranéhna. (Ibr. 6:10) Yésaya nuliskeun hiji ibarat nu nunjukkeun yén Yéhuwa nyaah pisan ka umat-Na. ”Mantenna bakal ngaraksa lir pangangon ngajaga dombana. Dombana dikumpulkeun, anu laleutik keneh dipangku.” (Yes. 40:11) Kumaha parasaan Yéhuwa, Pangangon Agung urang, waktu ningali salah sahiji umat-Na misah ti sidang? Yésus méré nyaho parasaan Bapana waktu ngomong kieu ka murid-murid, ”Cik, upama aya nu boga domba saratus leungit hiji, ceuk maraneh bakal kumaha anu bogana? Tangtu indit neangan nu hiji, nu salapan puluh salapan diantep heula nyaratuan di lamping pasir. Ana nu leungit geus kapanggih, nu bogana tangtu leuwih atoh ku eta anu hiji ti batan ku nu salapan puluh salapan nu henteu leungit.”—Mat. 18:12, 13. w20.06 19-20 ¶8-9
Jumaah, 8 Juli
Jelema anu hayang jadi pamingpin jamaah mah malar kana gawe mulya.—1 Tim. 3:1.
Ngawula Yéhuwa téh mangrupa kahormatan, teu sual kumaha carana. (Jab. 27:4; 84:11) Alus mun saurang sadérék pameget hayang ngawula leuwih loba dina organisasi Yéhuwa. Tapi mun geus meunang hiji tanggung jawab, ulah mikir, ’Ayeuna mah urang geus jadi jalma penting.’ (Luk. 17:7-10) Kuduna mah manéhna téh tetep rendah haté jeung ngalayanan batur. (2 Kor. 12:15) Dina Alkitab, aya jalma-jalma nu nganggap dirina penting. Misalna, Diotrépés nu teu rendah haté. Manéhna hayang jadi nu ”nomer hiji” di sidang. (3 Yoh. 9, NW) Lantaran sombong, Usia hayang ngajalankeun tugas ti Yéhuwa nu sabenerna lain keur manéhna. (2 Bab. 26:16-21) Absalom téh licik. Manéhna pura-pura nyaah ka rahayat supaya didukung jadi raja. (2 Sam. 15:2-6) Mun maca kisah maranéhna, urang bakal ngarti yén Yéhuwa teu resep ka jalma nu hayang kapuji ku batur. (Sil. 25:27) Jalma nu sombong jeung hayang kapuji mah bakal meunang masalah.—Sil. 16:18. w20.07 4 ¶7-8
Saptu, 9 Juli
Masing-masing kudu tanggung jawab kana kalakuanana sorangan.—Gal. 6:5.
Sababaraha kulawarga Kristen kudu pindah ka luar nagri lantaran ngungsi atawa néangan pagawéan. Jadi, meureun barudakna kudu sakola ngagunakeun basa lokal di nagri éta. Kolotna gé bisa jadi kudu diajar basa lokal jang néangan pagawéan. Kumaha mun di ditu aya sidang nu maké basa ti nagri asal maranéhna? Maranéhna kudu ngagabung jeung sidang mana? Sidang nu maké basa lokal atawa sidang nu maké basa ti nagri asal maranéhna? Kapala kulawarga kudu mutuskeun manéhna sakulawarga rék ngagabung di sidang mana. Manéhna kudu mikirkeun mana nu panghadéna keur kulawarga. Lantaran éta téh urusan kulawarga manéhna, urang kudu ngahargaan putusanna. Urang gé kudu ngabagéakeun jeung nyaah ka kulawarga nu ngagabung di sidang urang.—Rum 15:7. w20.08 30 ¶17-18
Minggu, 10 Juli
Allah milih anu ku dunyadianggap lemah.—1 Kor. 1:27.
Kumaha supaya urang dibéré kakuatan ku Yéhuwa? Tong mikir urang kudu kuat sacara fisik, sakola luhur, beunghar, atawa boga kasang tukang nu alus. Lain éta nu ditingali ku Yéhuwa. Malah, ”anu ceuk manusa pinter, atawa kawasa, atawa luhur harkat teh ngan saeutik bae” nu jadi umat Allah. (1 Kor. 1:26) Jadi mun Sadérék ngarasa teu boga nanaon, ulah nganggap éta téh halangan pikeun ngawula Yéhuwa. Justru, anggap éta téh kasempetan pikeun ningali kumaha Yéhuwa mantuan Sadérék. Misalna, mun aya nu hayang nyieun Sadérék cangcaya kana kapercayaan Sadérék, pék ngadoa ménta kawani supaya bisa ngabéla iman Sadérék. (Epe. 6:19, 20) Mun keur gering parah, pék pénta kakuatan ka Yéhuwa supaya Sadérék bisa terus ngawula Mantenna. Unggal ngarasakeun bantuan Yéhuwa, iman Sadérék bakal beuki pengkuh, Sadérék gé bakal ngarasa jadi kuat. w20.07 16 ¶9
Senén, 11 Juli
Upayakeun heula diri tunduk kana parentah jeung pangersa Allah.—Mat. 6:33, ”SF”.
Mun hayang ngutamakeun Karajaan Allah dina kahirupan, urang kudu nyonto Ibrahim nu réla nyieun pangorbanan demi nyenangkeun Allah. (Mat. 6:33; Mar. 10:28-30) Tong ngarepkeun moal aya masalah dina kahirupan. Jalma nu méré kahirupanna pikeun ngawula Yéhuwa gé tetep nyanghareupan masalah. (Yak. 1:2; 1 Pet. 5:9) Ayeuna, urang boga leuwih loba alesan pikeun yakin kana harepan urang. Kajadian-kajadian di dunya nunjukkeun urang keur hirup dina panungtungan ahir jaman. Moal lila deui, Karajaan Allah bakal maréntah di bumi. Urang bakal narima loba berkah, salah sahijina nyaéta nu maot bakal dihirupkeun deui. Lantaran Ibrahim boga iman jeung sabar, Yéhuwa bakal ngaberkahan manéhna ku cara ngahirupkeun deui manéhna jeung kulawargana. Na engké Sadérék bisa panggih jeung Ibrahim? Bisa. Carana, Sadérék kudu jiga Ibrahim nu réla nyieun pangorbanan demi Karajaan Allah, tetep boga iman sanajan loba masalah, jeung sabar ngadagoan Yéhuwa ngawujudkeun jangji-Na.—Mika 7:7. w20.08 5-6 ¶13-14; 7 ¶17
Salasa, 12 Juli
Sing tetep satia ka Kami sanajan kudu nepi ka ajal, tan wande ku Kami diganjar hirup anu sajati.—Wahyu 2:10.
Sanajan musuh maéhan urang, Yéhuwa bakal ngahirupkeun urang deui. (Wahyu 2:10) Urang yakin moal aya nu bisa megatkeun sosobatan urang jeung Yéhuwa. (Rum 8:35-39) Harepan pihudangeunana nu maot téh nunjukkeun sakumaha bijaksanana Yéhuwa! Jadi, urang moal sieun waktu balad-baladna Sétan ngancam rék maéhan urang. Malah, urang bakal beuki wani jeung terus satia ka Yéhuwa. Lamun musuh ngancam rék maéhan, Sadérék percaya teu Yéhuwa bakal ngahirupkeun deui Sadérék? Supaya bisa ngajawabna, pék pikirkeun, ’Na putusan abdi unggal poé nunjukkeun yén abdi percaya ka Yéhuwa?’ (Luk. 16:10) Terus, ’Na cara hirup abdi nunjukkeun yén abdi percaya Yéhuwa bakal nyumponan pangabutuh sapopoé mun abdi miheulakeun hal-hal rohani?’ (Mat. 6:31-33) Mun Sadérék ngajawab ’enya’ keur dua pananya tadi, Sadérék bakal siap nyanghareupan tangtangan nu bakal datang.—Sil. 3:5, 6. w20.08 18 ¶15-16
Rebo, 13 Juli
Hidep sing sakedah polah sangkan kaanggo ku Allah, jadi pagawe anu teu era ngemban parentah Mantenna, jeung bener ngajarkeunana amanat kayaktianAllah.—2 Tim. 2:15.
Urang kudu tarampil ngagunakeun Firman Allah supaya batur bisa ngarasakeun mangpaat tina bebeneran Alkitab. Dina pasamoan, urang dilatih pikeun tarampil ngagunakeun Firman Allah. Tapi saacan mantuan batur, urang kudu rutin palajaran pribadi. Ku naon? Alkitab bisa nguatkeun iman urang. Jadi, sakuduna urang teu ngan saukur maca Alkitab, tapi bener-bener mikirkeun naon nu urang baca. Urang gé kudu ngarisét tina publikasi supaya bisa bener-bener paham jeung nuturkeun naséhat Alkitab. (1 Tim. 4:13-15) Sanggeus kitu, kakara urang bisa mantuan batur. Tapi, mantuan batur téh lain ngan saukur macakeun ayat keur manéhna. Urang gé hayang batur paham kana ayat éta, sarta ngarasakeun yén Alkitab téh aya mangpaatna. Mun rutin palajaran pribadi, urang bakal beuki tarampil ngagunakeun Alkitab pikeun ngajar batur.—2 Tim. 3:16, 17. w20.09 28 ¶12
Kemis, 14 Juli
Kumaha beuratna Anjeunna . . . , matak aranjeun ulah leutik hate, ulah nepi ka pegat pangharepan.—Ibr. 12:3.
Urang bisa terus ngutamakeun kagiatan pangwawaran mun mikirkeun sakumaha lobana bantuan ti Yéhuwa. Contona, Mantenna nyadiakeun loba dahareun rohani, jiga bacaan nu dicitak atawa dina bentuk éléktronik, rekaman audio jeung vidéo, sarta siaran liwat Internét. Pék pikirkeun: Dina situs urang, aya informasi dina 1.000 basa leuwih! (Mat. 24:45-47) Urang gé bisa terus ngutamakeun kagiatan pangwawaran mun nuturkeun tuladan Yésus. Anjeunna teu disimpangkeun tina tugasna pikeun ngawawar. (Yoh. 18:37) Yésus teu kabita waktu Sétan ngagoda anjeunna ku ”karajaan-karajaan saalam dunya jeung sagala kaagunganana”, anjeunna gé embungeun waktu rék dijadikeun raja ku jalma-jalma. (Mat. 4:8, 9; Yoh. 6:15) Yésus teu hayang jadi beunghar, sarta teu sieun ku tangtangan nu hébat ti musuh-musuhna. (Luk. 9:58; Yoh. 8:59) Jadi waktu aya ujian iman, sing inget kana naséhat Paulus dina ayat poé ieu ngarah urang teu disimpangkeun. w20.09 10 ¶6-7
Jumaah, 15 Juli
Kudu kitu, turutan sim kuring, saperti sim kuring nurutan tuladan Kristus.—1 Kor. 11:1.
Urang bungah pisan ningali loba sadérék istri nu getol dina palayanan! Maranéhna aktif dina pasamoan jeung getol dines. Aya ogé nu milu ngarawat Balé Karajaan, sarta perhatian ka dulur-dulur saiman. Najan maranéhna getol, maranéhna gé pasti boga masalah. Aya nu kudu ngurus kolotna nu geus sepuh. Nu séjénna meunang tangtangan ti kulawarga. Terus, aya ogé nu geus jadi randa jeung kudu digawé keur ngagedékeun barudakna. Ku naon urang kudu ngadukung para sadérék istri? Lantaran jalma-jalma di dunya ieu biasana henteu ngahargaan para wanita. Salian ti éta, Alkitab ngingetan urang pikeun ngadukung para wanita. Misalna, Rasul Paulus ménta sidang di Rum supaya narima Pébe jeung minuhan sagala kabutuhna. (Rum 16:1, 2) Paulus téh urang Parisi nu geus biasa nyapirakeun wanita. Tapi sanggeus jadi urang Kristen, manéhna nyonto Yésus nu bageur jeung ngahargaan wanita. w20.09 20 ¶1-2
Saptu, 16 Juli
Jaradikeun murid Kami . . . Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh.—Mat. 28:19, 20.
Pikeun ngabantu supaya manéhna daék ngawawar, urang bisa nanya kieu ”Naon mangpaatna nuturkeun naséhat Alkitab keur Akang? Na batur gé perlu ngadéngékeun bebeneran Alkitab? Kumaha Akang bisa ngabantu maranéhna?” (Sil. 3:27; Mat. 9:37, 38, SF) Sing inget, Yésus nitah urang ngajar batur pikeun ”ngalakonan sagala perkara” anu ku anjeunna geus diparéntahkeun. Éta téh kaasup ngajalankeun dua paréntah nu pangutamana, nyaéta nyaah ka Allah jeung ka sasama. (Mat. 22:37-39) Mun palajar nyaah ka Allah jeung ka sasama, manéhna bakal kajurung pikeun ngawawar. Tapi, meureun aya nu sieun mun kudu ngawawar. Urang bisa ngayakinkeun manéhna, Yéhuwa bakal mantuan supaya lila-lila manéhna teu sieun deui ka manusa.—Jab. 18:1-3; Sil. 29:25. w20.11 3 ¶6-8
Minggu, 17 Juli
Sim kuring teu kendat neneda.—Kol. 1:9.
Saacan persiapan, Sadérék bisa ngadoakeun palajar Alkitab sarta naon nu cocog keur manéhna. Pénta bantuan Yéhuwa supaya naon nu diajarkeun ku Sadérék tina Alkitab bisa keuna kana haté manéhna. Sing inget, tujuan Sadérék téh nyaéta mantuan manéhna nyieun kamajuan nepi ka dibaptis. Manéhna bakal meunang leuwih loba mangpaat mun manéhna komunikasi jeung Yéhuwa unggal poé. Kumaha carana? Ngadéngékeun jeung ngomong ka Yéhuwa. Manéhna bisa ngadéngékeun Yéhuwa ku cara maca Alkitab unggal poé. (Yos. 1:8; Jab. 1:1-3) Manéhna bisa ngomong ka Yéhuwa ku cara ngadoa unggal poé. Saacan jeung sanggeus diajar, ajak manéhna ngadoa bareng. Doakeun manéhna, jeung tepikeun doa nu tina haté. Manéhna bakal merhatikeun doa Sadérék. Engké, manéhna gé bisa ngadoa tina haté, sarta nepikeunana ka Allah Yéhuwa liwat nami Yésus Kristus. (Mat. 6:9; Yoh. 15:16) Bayangkeun naon mangpaatna mun palajar maca Alkitab (ngadéngékeun Yéhuwa) jeung ngadoa (ngomong ka Yéhuwa) unggal poé. Manéhna pasti beuki raket ka Allah!—Yak. 4:8. w20.10 8 ¶8; 9 ¶10-11
Senén, 18 Juli
Katunggalan anu diciptakeun ku Roh Allah teh dipiara sateka-teka, saratna nya eta kudu rukun sauyunan.—Epe. 4:3.
Jiga Badan Pingpinan abad kahiji, organisasi Yéhuwa ayeuna gé upaya ngarah sidang Kristen tetep rukun jeung tartib. (Ras. 16:4, 5) Contona, mun Sadérék miluan Palajaran Warta Hadé di sidang séjén, atawa di luar nagri, cara ngabahasna jeung artikel nu dibahasna téh sarua. Sadérék ngarasa jiga keur masamoan di sidang sorangan! Mun teu dibantuan ku roh suci mah, umat Allah mustahil ngahiji jiga kieu. (Sep. 3:9) Naon nu bisa Sadérék lakukeun? Pék pikirkeun: ’Na abdi milu ngupayakeun ngarah sidang tetep rukun jeung ngahiji? Na abdi tunduk ka sadérék-sadérék nu mingpin sidang? Na abdi bisa diandelkeun, komo mun abdi boga tanggung jawab di sidang? Na abdi teu ngaengké-engké jeung réla mantuan batur?’ (Yak. 3:17, SF) Lamun Sadérék ngarasa aya nu kudu dirobah, pék ngadoa ménta roh suci. Mun Sadérék daék roh suci ngarobah sipat jeung kalakuan Sadérék, dulur-dulur di sidang bakal beuki nyaah jeung ngahargaan Sadérék. w20.10 23 ¶12-13
Salasa, 19 Juli
Eta pangandika-Na ulah ngan semet didengekeun, kudu jeung prak dilampahkeun.—Yak. 1:22.
Firman Allah téh ibarat eunteung. (Yak. 1:23-25) Biasana unggal isuk, urang sok ngeunteung heula saacan indit. Jadi, urang bisa ningali dangdanan urang geus pantes can. Kitu ogé mun urang maca Alkitab unggal poé, urang bisa ningali pikiran jeung sikep urang téh geus bener can, atawa aya kénéh nu kudu dirobah. Loba nu ngarasakeun mangpaat lantaran maca ayat harian unggal isuk saacan indit. Maranéhna hayang Alkitab ngarobah pikiranna. Terus dina poé éta, maranéhna bisa mikirkeun kumaha carana nuturkeun naséhat Alkitab. Urang gé kudu maca jeung ngalenyepan Alkitab unggal poé. Meureun katingalina mah ieu téh sapélé, tapi justru ieu salah sahiji hal pangpentingna anu bisa ngabantu urang supaya teu nyimpang ti jalan anu nungtun kana kahirupan. Firman Allah téh ibarat mesin rontgen nu bisa ningali nembus ka jero awak urang. Tapi, supaya bisa nuturkeun naséhat tina Alkitab jeung ti sadérék-sadérék nu mingpin, urangna kudu rendah haté. w20.11 18 ¶3; 20 ¶8
Rebo, 20 Juli
Kaayaan jamaah-jamaah beuki kuat, kapercayaanana tambah mantep, jeung jumlah anggotana nambahan unggal poe.—Ras. 16:5.
Urang Kristen abad kahiji téh sering dikaniaya, tapi maranéhna gé pernah ngarasakeun kaayaan nu tengtrem. Kumaha maranéhna ngamangpaatkeun kaayaan éta? Jalma-jalma nu satia ieu terus sumanget ngawawar sarta ibadah ka Yéhuwa. Hasilna, ”anu palercaya beuki loba”. Éta bukti pangwawaran maranéhna dina kaayaan nu tengtrem téh diberkahan ku Yéhuwa. (Ras. 9:26-31) Urang Kristen abad kahiji ngagunakeun unggal kasempetan pikeun ngawawarkeun warta hadé. Contona, Rasul Paulus. Lantaran apal manéhna bisa ngawawar ka loba jalma di kota Épésus, Paulus milih pikeun cicing leuwih lila di ditu supaya bisa terus ngawawar. (1 Kor. 16:8, 9) Urang Kristen terus ”nguarkeun pangandika Gusti”. (Ras. 15:30-35) Naon hasilna? Ayat poé ieu ngajelaskeunana. w20.09 16 ¶6-8
Kemis, 21 Juli
Maot dilantarankeun kumanusa saurang.—1 Kor. 15:21.
Gara-gara Adam nyieun dosa, manéhna jeung kabéh turunanna téh jadi susah hirupna. Nepi ka ayeuna gé, urang masih ngarasakeun balukarna, salah sahijina maot. Tapi lantaran Allah ngahirupkeun deui Putra-Na, nu maot bakal dihirupkeun deui. ”Pihudangeunana anu geus maraot oge dilantaran ku manusa saurang,” nyaéta Yésus. Rasul Paulus nulis, ”Sakumaha halna sakabeh manusa kudu maot lantaran . . . Adam, nya kitu oge sakabeh anu geus maraot bakal dihirupkeun deui lantaran . . . Kristus.” (1 Kor. 15:21, 22) Paulus ngomong, ”Sakabéh manusa kudu maot lantaran . . . Adam.” Naon maksudna? Adam ngawariskeun dosa jeung kateusampurnaan ka kabéh turunanana. Ku kituna, kabéh manusa bakal maot. (Rum 5:12) Adam teu kaasup di antara jalma-jalma nu ”bakal dihirupkeun deui”. Adam moal meunang mangpaat tina tebusan Kristus, lantaran manéhna téh manusa sampurna nu ngahaja barontak ka Allah. Adam teu boga harepan pikeun dihirupkeun deui. Éta gé bakal kaalaman ku jalma-jalma nu digolongkeun sabagé ”embe” ku ”Putra Manusa”.—Mat. 25:31-33, 46, NW; Ibr. 5:9. w20.12 5 ¶13-14
Jumaah, 22 Juli
Gusti . . . nitenan jalmi nu laip.—Jab. 138:6.
Dina jamanna Raja Ahab, Yéhuwa ménta saran ka para malaikat, kumaha carana ngabobodo raja éta. Para malaikat méré saran, tapi ngan hiji nu saranna dipilih ku Yéhuwa. Terus Yéhuwa ngomong ka malaikat éta, rencanana bakal suksés. (1 Rja. 22:19-22) Ari malaikat nu séjénna kumaha? Na maranéhna jadi leutik haté sarta mikir, ’Jang naon atuh urang méré saran?’ Tangtu henteu. Para malaikat téh rendah haté sarta hayang kabéh pujian ditujukeun ka Yéhuwa. (Hak. 13:15-18; Wahyu 19:10) Sing inget, kahormatan nu panggedéna téh nyaéta jadi Saksi Yéhuwa sarta ngawartakeun Karajaan Allah. Urang bisa meunang tugas tambahan dina palayanan, bisa ogé henteu. Tapi, lain éta nu nyieun urang dipikanyaah ku Yéhuwa. Mun urang rendah haté, Yéhuwa jeung dulur-dulur saiman pasti nyaah ka urang. Jadi, pénta bantuan Yéhuwa supaya urang tetep rendah haté. Pikirkeun tuladan karendahan haté ti hamba-hamba Allah nu dicatet dina Alkitab. Terus, sing réla ngalayanan dulur-dulur saiman sabisa-bisana.—1 Pet. 5:5. w20.12 25-26 ¶16-17
Saptu, 23 Juli
Tarima kasalametan ti Allah, pake jadi balakutakna, sarta sabda Allah anu dipaparinkeun ku Roh Allah jadi pedangna.—Epe. 6:17.
Balakutak téh ngagambarkeun harepan anu dibéré ku Yéhuwa ka urang. Urang boga harepan yén Mantenna bakal ngaberkahan saha waé anu ngajalankeun kahayang-Na. Sarta saupama urang maot gé, Mantenna bakal ngahirupkeun deui urang. (1 Tes. 5:8; 1 Tim 4:10; Tit. 1:1, 2) Harepan kasalametan bisa ngalindungan pikiran urang. Urang jadi bisa terus mikirkeun jangji-jangji Allah. Urang gé bisa tetep positif waktu aya masalah. Urang maké balakutak ku cara ngajaga pikiran urang supaya terus sajalan jeung pikiran Allah. Misalna, urang moal ngandelkeun harta banda, tapi bakal ngandelkeun Allah. (Jab. 26:2; 104:34; 1 Tim. 6:17) Pedang téh ngagambarkeun Firman Allah, nyaéta Alkitab. Pedang éta bisa nyingkabkeun kabohongan jeung ngabébaskeun jalma-jalma tina pangajaran palsu jeung kabiasaan anu ngaruksak. (2 Kor. 10:4, 5; 2 Tim. 3:16, 17; Ibr. 4:12) Kumaha supaya urang bisa jago maké éta pedang? Ku cara ngayakeun palajaran pribadi jeung narima palatihan ti organisasi Allah.—2 Tim. 2:15. w21.03 27 ¶4; 28-29 ¶10-11
Minggu, 24 Juli
Kaula aya di pulo Patmos keur dibuang, lantaran ngembarkeun sabda Allah jeung perkara-perkara anu sayaktina anu diebrehkeun ku Yesus.—Wahyu 1:9.
Waktu dipanjara lantaran ngawawar ngeunaan Yésus, Rasul Yohanes masih kénéh mikirkeun dulur saiman. Misalna, manéhna nuliskeun wahyu ti Allah, terus ngirimkeunana ka sidang-sidang supaya dulur saiman bisa apal naon ”anu geus méh kajadian”. (Wahyu 1:1) Terus, katingalina sanggeus dibébaskeun ti Patmos, Yohanes nulis Injil nu nyaritakeun kahirupan jeung palayanan Yésus. Manéhna gé nulis tilu surat nu nguatkeun jeung ngagedékeun haté dulur saiman. Kumaha urang bisa nyonto Yohanes nu teu mentingkeun diri? Jalan hirup nu dipilih ku Sadérék bisa nunjukkeun, na Sadérék nyaah ka batur atawa henteu. Dunya Sétan hayang Sadérék méakkeun waktu jeung tanaga keur kapentingan pribadi, misalna pikeun ngudag kabeungharan atawa jadi jalma anu kasohor. Tapi, para pawarta Karajaan di sakuliah dunya réla ngorbankeun saloba-lobana waktu keur ngawawarkeun warta hadé, jeung mantuan batur ngadeukeut ka Yéhuwa. w21.01 10 ¶9-10
Senén, 25 Juli
Yonatan ti harita manahna katarik ku Daud, kacida asiheunana, lir ka beubeulahan nyawa.—1 Sam. 18:1.
Yonatan gé bisa waé sirik ka Daud. Sabagé putra Saul, Yonatan bisa waé keukeuh hayang jadi raja ngagantikeun bapana. (1 Sam. 20:31) Tapi, Yonatan mah rendah haté sarta satia ka Yéhuwa. Manéhna ngadukung sapinuhna waktu Yéhuwa milih Daud sabagé raja pikeun ngagantikeun Saul. Yonatan gé satia ka Daud, sanajan manéhna apal éta bakal nyababkeun bapana ambek. (1 Sam. 20:32-34) Yonatan nyaah ka Daud jiga ka kulawargana sorangan. Manéhna teu nganggap Daud sabagé saingan. Yonatan téh prajurit nu wanian jeung jago pisan maké gondéwa. Yonatan jeung Saul geus kasohor leuwih rikat tibatan heulang, ”bedasna leuwih ti singa”. (2 Sam. 1:22, 23) Jadi, Yonatan bisa waé mun rék sombong mah. Tapi manéhna teu sirik jeung nganggap Daud sabagé saingan. Malah, Yonatan tajub ka Daud nu wanian jeung ngandelkeun Yéhuwa. Terus sanggeus Daud ngéléhkeun Goliat, Yonatan jadi nyaah ka Daud jiga ka diri sorangan. w21.01 22 ¶6, 8-9
Salasa, 26 Juli
Salaki téh sirah pamajikan.—1 Kor. 11:3.
Kabéh urang Kristen boga kapala nu sampurna, nyaéta Yésus Kristus. Tapi sanggeus nikah, saurang wanita Kristen kudu tunduk ka salakina nu teu sampurna. Éta bisa jadi teu gampang. Ku kituna saacan nikah, sadérék istri kudu mikirkeun pananya-pananya, saperti: ’Naon nu nunjukkeun yén sadérék ieu bakal jadi kapala kulawarga nu hadé? Na manéhna ngutamakeun hal rohani? Lamun henteu, na engké manéhna bisa ngabingbing abdi sacara rohani sanggeus nikah?’ Tapi salian mikirkeun hal-hal éta, manéhna gé kudu mariksa: ’Abdi boga sipat-sipat alus naon waé nu bakal aya mangpaatna pikeun perkawinan? Na abdi sabar jeung teu pedit? Na abdi deukeut jeung Yéhuwa?’ (Pan. 4:9, 12) Lamun sadérék istri mikirkeun pananya-pananya tadi saacan nikah, perkawinanana bisa suksés jeung bagja. Jutaan sadérék istri tunduk ka salakina. Maranéhna téh picontoeun pisan! w21.02 8 ¶1-2
Rebo, 27 Juli
Mugi sumping ka Makedoni, tulungan sim kuring sadaya.—Ras. 16:9.
Sababaraha taun ieu, loba pawarta diajar basa séjén supaya bisa ngalakukeun leuwih loba hal dina dines sarta ngagabung jeung sidang nu ngabutuhkeun leuwih loba pawarta. Ieu téh putusan pribadi nu dijieun ku maranéhna supaya bisa ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan. Meureun maranéhna butuh waktu mangtaun-taun supaya bisa lancar ngomong basa nu anyar. Najan kitu, maranéhna terus mantuan sidang ku loba cara. Sipat-sipat alus jeung pangalaman maranéhna téh nguatkeun sidang. Urang pasti ngahargaan pisan pangorbanan maranéhna! Badan kokolot moal nahan-nahan pikeun ngusulkeun saurang sadérék jadi kokolot atawa palayan sidang ngan pédah éta jalma can lancar ngagunakeun basa nu dipaké di sidang. Nu ditingali ku para kokolot téh lain lancar henteuna saurang sadérék ngagunakeun basa nu dipaké di sidang, tapi maranéhna nyumponan sarat-sarat ti Alkitab teu pikeun jadi kokolot atawa palayan sidang.—1 Tim. 3:1-10, 12, 13; Tit. 1:5-9. w20.08 29-30 ¶15-16
Kemis, 28 Juli
Dulur-dulur, upama aranjeun meunang rupa-rupa gogoda, anggap eta saperti meunang rahmat bae.—Yak. 1:2.
Biasana jalma-jalma mikir, maranéhna kakara bisa bungah mun séhat, boga loba duit, sarta kulawargana harmonis. Tapi, kabungah nu dimaksud ku Yakobus téh nyaéta bagian tina buah nu dihasilkeun ku roh suci. Éta teu gumantung kana kaayaan saurang jalma atawa naon nu kaalaman ku manéhna. (Gal. 5:22) Urang Kristen mah ngarasa bungah pisan lantaran apal, manéhna nyenangkeun Yéhuwa jeung nyonto Yésus. (Luk 6:22, 23; Kol. 1:10-12) Kabungah nu aya di jero haté urang Kristen téh bisa diibaratkeun jiga seuneu nu teterusan hurung di jero lantéra. Éta seuneu teu pareum-pareum najan di luar téh aya hujan atawa angin gedé. Kitu ogé, urang bisa tetep ngarasa bungah, teu sual naon nu kaalaman ku urang, misalna lamun urang gering atawa teu boga duit. Urang gé bisa tetep bungah waktu dipoyokan ku musuh atawa ku kulawarga. Terus jiga seuneu nu teu pareum-pareum tadi, unggal batur rék nyieun urang leutik haté, urang kalah ka beuki bungah. Lamun urang meunang cocoba lantaran ngabéla iman, éta téh bukti yén urang murid Kristus nu sajati. (Mat. 10:22; 24:9; Yoh. 15:20) Éta sababna Yakobus nulis kekecapanna dina ayat poé ieu. w21.02 28 ¶6
Jumaah, 29 Juli
Tapi ku pangbeberah mah kasusahna paler.—Sil. 12:25.
Waktu Sadérék manggihan ayat-ayat Alkitab nu bisa mantuan Sadérék tetep tenang jeung percaya ka Yéhuwa, pék apalkeun ayat-ayat éta. Supaya gancang apal, macana bisa bari diucapkeun, atawa tulis ayat-ayatna ngarah engké bisa dibaca deui. Baheula, Yéhuwa nitah Yosua pikeun maca buku Hukum unggal poé. Macana gé kudu bari diucapkeun. Hal ieu téh ngabantu Yosua pikeun nyieun putusan nu bijaksana jeung boga kawani pikeun mingpin umat Allah. (Yos. 1:8, 9) Loba ayat dina Alkitab nu bisa ngabantu Sadérék tetep tenang waktu ngarasa hariwang atawa sieun. (Jab. 27:1-3; Sil. 3:25, 26) Dina pasamoan, aya loba hal nu bisa nguatkeun urang, misalna hutbah atawa koméntar ti sadérék-sadérék. Urang gé bisa dikuatkeun waktu ngobrol jeung dulur saiman. (Ibr. 10:24, 25) Terus, urang bisa nyaritakeun kahariwangan urang ka sobat-sobat di sidang. w21.01 6 ¶15-16
Saptu, 30 Juli
Hidep kudu jadi tuladan ka sasama saiman.—1 Tim. 4:12.
Basa dibaptis, anjeun téh nunjukkeun yén anjeun percaya ka Yéhuwa jeung boga iman anu kuat. Yéhuwa senang, sarta narima anjeun jadi kulawarga-Na. Tapi, anjeun kudu terus ngandelkeun Yéhuwa. Waktu rék nyieun putusan nu penting pisan mah, meureun anjeun bakal ménta bingbingan ti Yéhuwa. Tapi, kumaha jeung putusan-putusan séjénna, misalna waktu rék milih hiburan, pagawéan, sarta cita-cita? Anjeun kudu terus percaya ka Yéhuwa, ulah ngandelkeun diri sorangan. Pék téangan prinsip-prinsip Alkitab nu cocog jeung kaayaan anjeun. Geus kitu, jieun putusan nu sajalan jeung prinsip-prinsip éta. (Sil. 3:5, 6) Lamun anjeun ngalakukeun éta, Yéhuwa bakal senang. Anjeun gé bakal dihargaan ku sadérék-sadérék di sidang. Urang kabéh téh teu sampurna jeung kadang nyieun kasalahan. Tapi, éta sakuduna henteu ngahalangan anjeun pikeun ngalakukeun nu panghadéna dina palayanan. w21.03 6 ¶14-15
Minggu, 31 Juli
Harita, bapa teh sasat leupas ti maung anu rek nekuk.—2 Tim. 4:17, ”SF”.
Na Sadérék nyanghareupan tangtangan ti anggota kulawarga lantaran Sadérék ngawula Yéhuwa? Na pamaréntah di tempat Sadérék ngalarang atawa ngawatesan kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa? Mun enya, Sadérék bisa dikuatkeun ku maca 2 Timoteus 1:12-16 jeung 4:6-11, 17-22. Rasul Paulus nulis ayat-ayat éta basa manéhna keur dipanjara. Saacan maca kisah Paulus, caritakeun ka Yéhuwa ngeunaan masalah Sadérék jeung kumaha parasaan Sadérék. Caritakeun sing rinci. Terus, pénta Yéhuwa ngabantu Sadérék manggihan prinsip-prinsip Alkitab supaya Sadérék nyaho naon nu kudu dilakukeun. Yéhuwa geus ngingetan ka Paulus yén manéhna bakal dikaniaya mun jadi urang Kristen. (Ras. 21:11-13) Kumaha Yéhuwa nulungan Paulus? Mantenna ngajawab doa-doa Paulus sarta terus nguatkeun manéhna. Paulus diyakinkeun, manéhna bakal narima berkah anu geus diarep-arep ku manéhna. Yéhuwa gé ngagunakeun sobat-sobatna Paulus anu satia pikeun méré bantuan. w21.03 17-18 ¶14-15, 19