Agustus
Senén, 1 Agustus
Lamun henteu jeung Kami mah maraneh moal barisa naon-naon.—Yoh. 15:5.
Ngan jalma-jalma nu nyobat jeung Yésus nu bisa meunang mangpaat tina korban tebusan. Ceuk Yésus, anjeunna bakal ”ngorbankeun jiwa pikeun ngabelaan [sobat-sobatna]”. (Yoh. 15:13) Hamba-hamba Yéhuwa, nu hirup saacan Yésus datang ka bumi, engkéna kudu diajar jeung mikanyaah anjeunna. Maranéhna bakal dihirupkeun deui. Tapi, maranéhna gé kudu nyobat jeung Yésus sangkan bisa hirup langgeng. (Yoh. 17:3; Ras. 24:15; Ibr. 11:8-12, 24-26, 31) Urang bungah bisa gawé bareng jeung Yésus pikeun ngawawarkeun jeung ngajarkeun warta hadé Karajaan. Basa di bumi, Yésus téh guru. Ti saprak balik ka sawarga, Yésus jadi kapala sidang jeung terus ngaorganisasi kagiatan ngawawar jeung ngajar. Anjeunna merhatikeun jeung ngahargaan upaya Sadérék pikeun ngabantu saloba-lobana jalma kenal ka anjeunna sarta Bapana. Sabenerna, ngan ku bantuan ku Yéhuwa jeung Yésus, urang bisa ngalaksanakeun tugas ieu.—Yoh. 15:4. w20.04 22 ¶7-8
Salasa, 2 Agustus
Eta dua raja . . . sameja reujeung, tapi masing-masing . . . silih bohongan.—Dan. 11:27.
Mimitina, istilah ”raja kalér” jeung ”raja kidul” téh ngamaksudkeun pangawasa nu aya di beulah kalér jeung beulah kidul nagri Israil. (Dan. 10:14) Baheula, nu dimaksud ku umat Allah téh nyaéta bangsa Israil jasmani. Tapi ti saprak Péntakosta 33 M, Yéhuwa nunjukkeun yén nu jadi umat-Na téh nyaéta kabéh murid Kristus nu satia. Ku kituna, nubuat dina Daniel pasal 11 ieu lolobana ngabahas ngeunaan murid-murid Kristus, lain bangsa Israil jasmani. (Ras. 2:1-4; Rum 9:6-8; Gal. 6:15; 6:16, NW) Salian ti éta, nu jadi raja kalér sarta raja kidul téh gunta-ganti. Tapi, aya sababaraha hal nu tetep sarua. Kahiji, tindakan raja-raja éta boga pangaruh gedé ka umat Allah. Kadua, tindakan maranéhna ka umat Allah nunjukkeun yén maranéhna téh ijid ka Yéhuwa, Allah nu sajati. Jeung katilu, dua raja éta téh saingan. w20.05 3 ¶3-4
Rebo, 3 Agustus
Abdi Bakal Jadi Naon Waé nu Abdi Hayang.—Bud. 3:14, ”NW”.
Yéhuwa bisa jadi naon waé nu diperlukeun pikeun ngawujudkeun kahayang-Na. Yéhuwa gé bisa nyieun umat-Na nu teu sampurna sanggup ngalakukeun naon waé nu diperlukeun ngarah kahayang-Na ngawujud. (Yes. 64:8) Ku kituna, kabéh kahayang Yéhuwa pasti ngawujud. Euweuh nu bisa ngahalangan Mantenna! (Yes. 46:10, 11) Urang bisa leuwih ngahargaan Bapa urang lamun mikirkeun naon nu geus dilakukeun ku Mantenna sarta kumaha Mantenna mantuan urang. Misalna, waktu urang mikirkeun ciptaan Yéhuwa, urang pasti tajub lantaran Yéhuwa nyiptakeunana mani éndah pisan. (Jab. 8:4, 5) Terus, waktu mikirkeun kumaha Yéhuwa ngabantu urang supaya sanggup ngajalankeun kahayang-Na, urang jadi leuwih ngahormat Mantenna. Nami Yéhuwa téh luar biasa pisan! Nami-Na nyingkabkeun kabéh hal ngeunaan Bapa urang sarta naon nu enggeus jeung nu bakal dilakukeun ku Mantenna.—Jab. 89:8, 9. w20.06 9-10 ¶6-7
Kemis, 4 Agustus
Mantenna anu maparin hirup sareng ambekan katut salian ti eta ka manusa.—Ras. 17:24, 25.
Manusa jeung sato butuh oksigén sangkan tetep hirup. Dina sataun, maranéhna nyeuseup kira-kira saratus miliar ton oksigén jeung ngaluarkeun gas nu disebut karbon dioksida. Sanajan kitu, oksigén teu béak-béak. Karbon dioksida gé teu pernah minuhan Bumi. Ku naon bisa kitu? Sabab Yéhuwa gé nyiptakeun rupa-rupa tutuwuhan, ti nu gedé pisan nepi ka nu leutik pisan. Kabéh tutuwuhan éta nyeuseup karbon dioksida jeung ngahasilkeun oksigén. Siklus oksigén ieu ngabuktikeun benerna kekecapan dina ayat poé ieu. Kumaha sangkan urang bisa leuwih ngahargaan planét urang nu luar biasa jeung sakabéh eusina? (Jab. 115:16) Salah sahiji carana nyaéta bener-bener mikirkeun naon nu geus diciptakeun ku Yéhuwa. Ku kituna, unggal poé urang bakal nganuhunkeun ka Yéhuwa kana hal-hal hadé nu geus dibikeun ka urang. Cara séjénna nyaéta ngajaga lingkungan tetep bersih. w20.05 22 ¶5, 7
Jumaah, 5 Agustus
Engke, lamun Kami geus nembongkeun kasucian jenengan Kami anu agung.—Yeh. 36:23.
Yéhuwa tetep bijaksana, sabar, jeung adil ka Sétan. Mantenna gé geus nunjukkeun kawasa-Na nu luar biasa ku loba cara. Sarta nu pangpentingna mah, kanyaah Yéhuwa kabukti dina unggal tindakan-Na. (1 Yoh. 4:8) Yéhuwa teu pernah eureun nyucikeun nami-Na. Nepi ka ayeuna gé, Sétan masih terus mitnah Allah. Manéhna hayang jalma-jalma mikir, ’Enya kitu Allah téh boga kawasa, adil, bijaksana, jeung nyaah ka manusa?’ Misalna, Sétan upaya sangkan jalma-jalma teu percaya yén Yéhuwa téh Nu Nyipta. Ari ka jalma-jalma nu percaya Allah téh aya, Sétan upaya sangkan maranéhna mikir Allah teu adil jeung sok méré patokan hirup nu hésé pisan dijalankeun. Manéhna gé nyebarkeun kabohongan yén Yéhuwa téh Allah nu kejem jeung téga ngaduruk manusa dina seuneu naraka. Lamun jalma-jalma percaya kana kabohongan Sétan, maranéhna bakal leuwih gampang nolak aturan Yéhuwa. Saacan dibinasakeun mah, Sétan terus mitnah Allah jeung hayang Sadérék ngajauh ti Allah. Manéhna bakal suksés teu? w20.06 5 ¶13-15
Saptu, 6 Agustus
Urang Yahudi, nu lain urang Yahudi, nu disunat, nu teu disunat, urang Barbar, nu lugina, nu kumawula, nu mardika moal dibeda-beda, sabab nya Kristus anu jadi sakabehna, anu aya di kabehanana.—Kol. 3:11.
Di loba sidang aya sadérék-sadérék nu keur susah payah diajar basa nu anyar. Meureun maranéhna jadi hésé ngungkabkeun parasaanna. Jadi, kuduna nu diperhatikeun ku urang téh lain lancar henteuna manéhna maké basa nu anyar, tapi sakumaha nyaah maranéhna ka Yéhuwa jeung sakumaha gedé kahayang maranéhna pikeun ngawula Mantenna. Mun urang merhatikeun hal-hal alus ieu, urang bakal bener-bener ngahargaan jeung nyaah ka maranéhna. Urang moal saolah-olah ngomong ”Urang mah teu butuh maneh!” ngan ku pédah maranéhna teu lancar ngomong basa urang. (1 Kor. 12:21) Yéhuwa geus méré kahormatan ka urang pikeun ngagabung jeung umat-Na. Teu sual urang lalaki atawa awéwé, kawin atawa henteu, ngora atawa kolot, lancar ngagunakeun hiji basa atawa henteu, urang kabéh dihargaan ku Yéhuwa jeung ku dulur-dulur saiman. (Rum 12:4, 5; Kol. 3:10, 11) Hayu urang terus nguatkeun dulur-dulur saiman, mikanyaah, jeung ngahargaan maranéhna. w20.08 31 ¶20-22
Minggu, 7 Agustus
Tapi aya oge anu palercayaeun, mihak ka Paulus.—Ras. 17:34.
Rasul Paulus tetep ngawawar ka urang Aténa sanajan di kota éta téh loba pisan brahala, hal-hal rucah, jeung pangajaran kapir. Malah sanajan dihina gé, manéhna teu leutik haté. Paulus ogé bisa jadi urang Kristen, padahal baheulana sok ”ngagogoreng, nganiaya jeung moyok”. (1 Tim. 1:13) Saperti Yésus nu yakin Paulus bisa jadi muridna, Paulus gé yakin urang Aténa bisa jadi murid Yésus. Kayakinan manéhna teu salah. (Ras. 9:13-15) Dina abad kahiji, aya rupa-rupa jalma nu jadi murid Yésus. Basa Paulus nulis surat ka urang Kristen di kota Korinta, Yunani, manéhna nyebutkeun yén aya anggota sidang nu baheulana téh penjahat atawa hirupna bejad. Tuluy, manéhna ngomong, ”Bareto sabagian aranjeun aya anu hirupna kitu. Tapi ayeuna aranjeun geus dinyatakeun beresih tina dosa.” (1 Kor. 6:9-11) Naha Sadérék ningali yén jalma-jalma téh bisa barobah jeung jadi murid Yésus? w20.04 12 ¶15-16
Senén, 8 Agustus
Parantos teu kiat . . . mangga candak nyawa abdi.—1 Rja. 19:4.
Kokolot gé kuduna teu gancang ngahakiman lamun aya pawarta nu ngarasa ngawula Yéhuwa téh teu aya gunana. Kokolot moal nyarékan manéhna, tapi kudu upaya sangkan ngarti ku naon pawarta éta ngomong atawa ngalakukeun hal jiga kitu. Ngan ku cara kitu, kokolot bisa méré ayat Alkitab nu cocog jeung nguatkeun manéhna. Nabi Élias kabur ti Ratu Isebél. (1 Rja. 19:1-3) Manéhna ngarasa nu dilakukeunana téh cumah nepi ka hayang paéh. (1 Rja. 19:10) Tapi, Yéhuwa teu nyarékan Élias. Mantenna ngayakinkeun yén Élias téh teu sorangan jeung bisa percaya kana kawasa Allah. Geus kitu, Allah méré nyaho Élias, loba kénéh nu kudu digawékeun ku manéhna. Yéhuwa sabar ngadéngékeun Élias ngabudalkeun eusi haténa, sarta méré tugas anyar ka manéhna. (1 Rja. 19:11-16, 18) Naon palajaranna? Urang kabéh, hususna kokolot, kudu bageur ka domba-domba Yéhuwa. Bisa jadi, aya nu nyarita keur keuheul ka dulur saiman. Atawa, aya ogé nu ngarasa moal dihampura ku Yéhuwa. Kokolot kudu sabar ngadéngékeun manéhna. Tuluy, kokolot bakal ngayakinkeun domba nu leungit éta yén Yéhuwa nyaah ka manéhna. w20.06 22 ¶13-14
Salasa, 9 Agustus
Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna.—Sil. 17:17.
Yéhuwa hayang urang akrab jeung kulawarga sarta babaturan. (Jab. 133:1) Yésus gé boga loba sobat. (Yoh. 15:15) Alkitab méré nyaho naon mangpaatna lamun urang boga sobat sajati. (Sil. 18:24) Alkitab gé méré nyaho, teu alus mun urang mencilkeun manéh. (Sil. 18:1) Loba nu ngarasa mun maké média sosial, maranéhna jadi boga loba babaturan jeung teu ngarasa sorangan. Tapi, urang kudu ati-ati waktu maké média sosial. Risét nunjukkeun yén jalma nu méakkeun loba waktu keur ningalian média sosial téh tungtungna bisa ngarasa euweuh batur jeung strés. Ku naon? Salah sahiji alesanna, lantaran nu di-post ku saurang jalma téh biasana ngan nu alus-alusna wungkul, misalna poto selfie, poto babaturanna, atawa tempat-tempat alus nu pernah didatangan ku manéhna. Batur nu ningali poto-poto éta bisa jadi ngarasa hirupna téh kieu-kieu waé, malahan mah ngabosenkeun. w20.07 5-6 ¶12-13
Rebo, 10 Agustus
Ieu masalah tuluy dimusawarahkeun ku para kokolot jeung rasul-rasul.—Ras. 15:6.
Menara Pengawal 1 Oktober 1988 nu nyebutkeun, ”Para kokolot bakal ngarti yén Yésus bisa ngagunakeun roh suci pikeun mantuan kokolot mana waé keur manggihan prinsip Alkitab nu bisa ngabantu maranéhna apal naon nu kudu dilakukeun jeung putusan penting naon nu kudu dijieun. (Ras. 15:7-15) Roh suci téh mantuan kabéh kokolot, teu ngan hiji kokolot wungkul.” Kokolot nu ngahargaan sasama kokolot mah embung jadi nu panglobana ngomong dina rapat. Manéhna moal nganggap usulna pasti bener. Justru manéhna bakal nepikeun usulna ku cara nu sopan jeung rendah haté. Manéhna gé daék merhatikeun usul ti kokolot séjén. Nu leuwih penting, manéhna daék ngabahas naséhat tina Alkitab jeung daék nuturkeun pituduh ti ”gandek satia jeung bijaksana”. (Mat. 24:45-47) Mun maranéhna silih pikanyaah jeung silih hargaan, engké roh suci pasti mantuan jeung ngabingbing maranéhna pikeun nyieun putusan nu bener.—Yak. 3:17, 18. w20.08 27 ¶5-6
Kemis, 11 Agustus
Elehkeun pikiran goreng teh ku anu hade.—Rum 12:21.
Musuh-musuh Paulus jauh leuwih kawasa ti batan manéhna. Manéhna gé sering digebugan jeung dipanjarakeun. Ogé, jalma-jalma nu sakuduna ngadukung Paulus téh kalah ka jahat ka manéhna. Malah, sababaraha dulur saiman gé ngamusuhan manéhna. (2 Kor. 12:11; Pil. 3:18, NW) Tapi, Paulus teu kaéléhkeun ku maranéhna. Naon buktina? Paulus terus ngawawar sanajan loba tangtangan. Manéhna gé tetep nyaah ka dulur-dulur saimanna sanajan geus dikuciwakeun. Pangpangna, manéhna tetep satia ka Allah nepi ka maot. (2 Tim. 4:8) Paulus bisa kitu téh lain ku lantaran kakuatanna sorangan, tapi lantaran ngandelkeun Yéhuwa. Na Sadérék dihina atawa dikaniaya? Tujuan urang téh ngagunakeun Alkitab pikeun ngajawab jalma nu cangcaya kana kapercayaan urang. Urang gé kudu tetep hormat jeung soméah ka nu nganyenyeri urang. Terus, urang kudu bageur ka kabéh jalma, kaasup ka musuh.—Mat. 5:44; 1 Pet. 3:15-17. w20.07 17-18 ¶14-15
Jumaah, 12 Agustus
Ku karendahan haté Gusti, abdi jadi mulya.—2 Sam. 22:36, ”NW”.
Na Yéhuwa téh mémang rendah haté? Enya, sakumaha nu diomongkeun ku Daud. Meureun, harita Daud keur mikirkeun waktu Nabi Samuél datang ka imahna pikeun ngalantik raja Israil saterusna. Bapana Daud boga dalapan anak lalaki. Daud téh nu bungsu, tapi manéhna nu dipilih ku Yéhuwa pikeun ngagantikeun Raja Saul. (1 Sam. 16:1, 10-13) Daud pasti satuju kana kekecapan dina Jabur 113, ”Mantenna dongko ningali ka langit jeung bumi. Mantenna nyengkatkeun anu miskin . . . sina satata jeung para pangeran.” (Jab. 113:6-8) Kumaha cara Yéhuwa urusan jeung manusa nu teu sampurna? Mantenna teu ngan saukur narima ibadah urang, tapi ogé daék nyobat jeung urang. (Jab. 25:14) Éta bukti Mantenna rendah haté. Malah supaya urang bisa nyobat jeung Mantenna, Yéhuwa réla ngorbankeun Putra-Na pikeun nebus dosa urang. Yéhuwa bener-bener nyaah ka urang! w20.08 8 ¶1-3
Saptu, 13 Agustus
Mantenna henteu hoyong aya jelema anu cilaka saurang-urang acan.—2 Pet. 3:9.
Yéhuwa geus nangtukeun iraha percisna dunya nu jahat ieu bakal diancurkeun. (Mat. 24:36) Mantenna sabar jeung moal ngancurkeun dunya ieu saacan waktuna. Sabenerna, Yéhuwa téh hayang pisan ngahirupkeun deui nu maot. (Ayub 14:14, 15) Tapi, Mantenna sabar ngadagoan waktu nu cocog. (Yoh. 5:28) Urang kudu nganuhunkeun pisan sabab Yéhuwa geus sabar. Pék pikirkeun: Lantaran Yéhuwa sabar, loba jalma, kaasup urang sorangan, boga kasempetan pikeun ’tobat tina dosa’. Yéhuwa hayang saloba-lobana jalma meunangkeun harepan hirup langgeng. Jadi, hayu tunjukkeun rasa sukur urang kana kasabaran Yéhuwa. Kumaha carana? Ku cara bener-bener néangan jalma nu ”boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng” sarta mantuan maranéhna nyaah jeung ngawula Yéhuwa. (Ras. 13:48, NW) Ku kituna, maranéhna gé bakal boga kasempetan nu sarua jiga urang. w20.08 18 ¶17
Minggu, 14 Agustus
Tuduhkeun ka abdi jalan Gusti, nun PANGERAN, sangkan abdi terang.—Jab. 25:4.
Nu diajarkeun ka palajar téh sakuduna teu ngan asup kana pikiranna wungkul, tapi ogé kudu nanceb dina haténa. Ku naon? Haté téh ngamaksudkeun kahayang jeung parasaan saurang jalma. Éta nu ngajurung manéhna nyieun tindakan. Baheula, Yésus ngajelaskeun sagala hal ku cara nu asup akal. Tapi, jalma-jalma daék jadi muridna lantaran pangajaran Yésus keuna kana haté maranéhna. (Luk. 24:15, 27, 32) Palajar Alkitab kudu bisa ngabayangkeun Yéhuwa sabagé Pribadi nu bener-bener nyata. Manéhna kudu bisa nganggap Yéhuwa sabagé Bapana, Allahna, jeung Sobatna. (Jab. 25:5) Waktu keur ngabahas Alkitab, tandeskeun sipat-sipat Yéhuwa. (Bud. 34:5, 6; 1 Pet. 5:6, 7) Teu sual naon topik nu keur dibahas, bantu manéhna mikirkeun, Yéhuwa téh Pribadi nu jiga kumaha. Bantu manéhna ngahargaan sipat-sipat Yéhuwa nu luar biasa, jiga kanyaah, welas asih, jeung kahadéana-Na. Ceuk Yésus, ”paréntah anu pangutamana jeung pangpentingna” téh nyaéta ”nyaah ka [Yéhuwa] Allah manéh”. (Mat. 22:37, 38) Urang kudu ngabantu palajar bener-bener nyaah ka Yéhuwa. w20.10 9 ¶12
Senén, 15 Agustus
Yesus nyaaheun ka Marta, ka Maria, jeung ka Lasarus.—Yoh. 11:5.
Yésus ngahargaan kabéh wanita. (Yoh. 4:27) Anjeunna ngahargaan pisan para wanita, komo nu ngajalankeun kahayang Bapana. Basa nyebutkeun jalma-jalma nu dianggap jiga dulurna sorangan, Yésus teu ngan nyebutkeun para priya. Para wanita nu ngalayanan Allah gé dianggap sabagé dulur awéwéna. (Mat. 12:50) Yésus gé jadi sobat sajati keur maranéhna. Contona, Yésus nyobat jeung Maria sarta Marta, nu duanana katingalina teu nikah. (Luk. 10:38-42) Lantaran kekecapan jeung tindakan Yésus nu hadé, maranéhna jadi teu asa-asa ka anjeunna. Misalna, Maria teu asa-asa diuk di deukeut sukuna Yésus jiga saurang murid. Marta gé teu asa-asa ngomong ka Yésus yén manéhna keuheul lantaran Maria teu mantuan manéhna. Harita, dua wanita ieu meunang palajaran penting ti Yésus. Yésus gé nunjukkeun perhatian ka dua wanita ieu jeung ka dulur maranéhna, Lasarus, ku cara ulin ka imah maranéhna sababaraha kali. (Yoh. 12:1-3) Jadi teu héran, pas Lasarus gering parah, Maria jeung Marta teu asa-asa ménta tulung ka Yésus.—Yoh. 11:3. w20.09 20 ¶3; 21 ¶6
Salasa, 16 Agustus
Jalma-jalma nyarangka yen Karajaan Allah geus tereh ngawujud.—Luk. 19:11.
Murid-murid Yésus ngarepkeun Karajaan ”ngawujud” sarta ngamerdékakeun maranéhna ti pamaréntahan Rum. Ayeuna, urang ngarep-ngarep Karajaan Allah nyingkirkeun kajahatan, tuluy minuhan dunya ieu ku jalma-jalma nu taat ka Allah. (2 Pet. 3:13) Tapi, urang kudu sabar nungguan waktu nu geus ditangtukeun ku Yéhuwa. Yéhuwa méré waktu ka Nuh pikeun ngawangun bahtera jeung ngélingan jalma-jalma. (2 Pet. 2:5; 1 Pet. 3:20) Yéhuwa gé sabar ngadéngékeun Ibrahim nu teterusan nanyakeun putusan Mantenna pikeun ngabasmi kabéh jalma nu jahat di kota Sadumu jeung Gomora. (Kaj. 18:20-33) Terus salila ratusan taun, Yéhuwa kacida sabarna ka bangsa Israil nu teu satia. (Neh. 9:30, 31) Ayeuna gé, Yéhuwa masih sabar. Yéhuwa masih méré waktu ka jalma-jalma nu ditarik ku Mantenna pikeun ”tarobat kabeh tina dosana”. (2 Pet. 3:9; Yoh. 6:44; 1 Tim. 2:3, 4) Sanggeus ningali tuladan Yéhuwa, urang tangtu hayang jadi leuwih sabar, bari terus ngawawar jeung ngajar. w20.09 10 ¶8-9
Rebo, 17 Agustus
Pihudangeunana sadaya jalmi tina maot—Ras. 24:15.
Waktu Yéhuwa ngahirupkeun deui nu maot, Mantenna bakal mulangkeun ingetan jeung sipat-sipat éta jalma saperti saacan manéhna maot. Naon hartina? Yéhuwa téh nyaah pisan ka Sadérék. Mantenna merhatikeun jeung inget kana sagala pikiran, parasaan, omongan, jeung kalakuan Sadérék. Jadi saupama Sadérék maot jeung kudu dihirupkeun deui, Mantenna bisa mulangkeun kabéh ingetan, sikep, jeung sipat Sadérék jiga saacan Sadérék maot. Raja Daud gé apal Yéhuwa perhatian pisan ka urang masing-masing. (Jab. 139:1-4) Kumaha parasaan Sadérék sanggeus apal sakumaha perhatianna Yéhuwa ka Sadérék? Na urang kudu sieun lantaran Yéhuwa apal sagala hal ngeunaan urang? Henteu. Mantenna merhatikeun téh lain jang néangan kasalahan urang, tapi lantaran bener-bener nyaah ka urang. Unggal jalma téh penting keur Yéhuwa. Mantenna inget pisan naon waé nu kaalaman ku urang nepi ka urang jadi jalma nu jiga ayeuna. Éta pasti ngagedékeun haté pisan! Jadi, urang sakuduna teu ngarasa sorangan. Unggal menitna, Yéhuwa aya di gigireun urang. Mantenna siap nulungan urang iraha waé.—2 Bab. 16:9. w20.08 17 ¶13-14
Kemis, 18 Agustus
Kami rek mere piwuruk jeung nasehat.—Jab. 32:8.
Yéhuwa resep pisan ngajar umat-Na. Yéhuwa hayang umat-Na kenal jeung nyaah ka Mantenna, sarta hirup langgeng sabagé anak-anak-Na. Tapi éta kabéh téh mustahil mun Yéhuwa teu ngajar maranéhna. (Yoh. 17:3) Dina abad kahiji, Yéhuwa ngajar umat-Na liwat sidang Kristen. (Kol. 1:9, 10) Umat Allah gé dibantuan ku roh suci, ”panulung” nu Yésus jangjikeun. Maranéhna jadi leuwih ngarti kana Firman Allah. Maranéhna gé jadi bisa nginget-nginget deui ucapan jeung tindakan Yésus, nu ahirna dicatet dina Injil. Pamahaman ieu nguatkeun iman urang Kristen abad kahiji. Maranéhna gé jadi beuki nyaah ka Allah, Putra-Na, jeung dulur-dulur saiman. Yéhuwa geus méré nyaho, dina panungtungan ahir jaman, jalma-jalma ti sagala bangsa bakal ngumpul di ”gunung” Yéhuwa pikeun diajar jalan-Na. (Yes. 2:2, 3) Ayeuna, éta ramalan keur laksana. w20.10 24 ¶14-15
Jumaah, 19 Agustus
Ngawuwuh pangarti ka nu geus laloba elmu.—Sil. 1:5.
Ku naon aya jalma nu embung ngadéngékeun naséhat? Sabab manéhna sombong. Jalma nu sombong mah ngan daék ngadéngékeun omongan anu genah kana ceuli wungkul. Manéhna embung ngadéngékeun ”piwuruk anu sayakti”. (2 Tim. 4:3, 4) Manéhna ngarasa leuwih bijaksana ti batur, jadi teu butuh naséhat. Tapi, Rasul Paulus nulis, ”Anu sok ieu aing jelema penting padahal teu aya naon-naonna, sasat ngabobodo maneh.” (Gal. 6:3) Raja Suléman gé nulis kieu, ”Lamun dina ka kolotnakeun [saurang raja] embung narima nasehat batur awaning ku gejul, nasibna saenyana leuwih goreng ti batan budak ngora anu miskin tapi pinter.” (Pan. 4:13, 14) Perhatikeun kumaha sikep Pétrus waktu ditegor ku Paulus di hareupeun jalma réa. (Gal. 2:11-14) Pétrus bisa waé keuheul ka Paulus sabab Paulus téh ngomongna mani satarabasna, jaba di hareupeun jalma réa deuih. Tapi, Pétrus bijaksana. Manéhna daék ngadéngékeun naséhat Paulus jeung teu ngunek-ngunek. Malah manéhna nyebut Paulus téh ”dulur sim kuring”.—2 Pet. 3:15. w20.11 21 ¶9, 11-12
Saptu, 20 Agustus
Jaradikeun murid Kami . . . Ajar ngalakonan sagala perkara.—Mat. 28:19, 20.
Kumaha carana supaya palajar gancang nyieun kamajuan? Manéhna kudu datang ka pasamoan. Ku naon? Lantaran dina pasamoan, manéhna bakal ngadéngékeun pituduh-pituduh tina Alkitab. Engké pamahamanna bakal beuki loba, imanna beuki kuat, jeung manéhna bakal beuki nyaah ka Allah. (Ras. 15:30-32) Terus pawarta bisa nyaritakeun manéhna bisa eureun ngudud téh lantaran nyaah ka Yéhuwa. (2 Kor. 7:1; 2 Kor. 4:13) Tuluy, sanggeus gaul jeung dulur-dulur saiman, palajar bisa ningali kumaha dulur-dulur saiman ngajalankeun paréntah Kristus pikeun nyaah ka Allah jeung ka sasama. (Yoh. 13:35; 1 Tim. 4:12) Palajar bisa ningali pawarta séjén nyanghareupan masalah nu méh sarua jeung manéhna gé bisa barobah jeung jadi murid Kristus. (Pam. 30:11) Kabéh anggota sidang bisa mantuan palajar nyieun kamajuan.—Mat. 5:16. w20.11 5 ¶10-12
Minggu, 21 Agustus
Sim kuring di Epesus sasat kudu tarung jeung sato-sato galak.—1 Kor. 15:32.
Meureun maksud Rasul Paulus téh tarung jeung sato galak nyaanan di stadion nu aya di Épésus. (2 Kor. 1:8; 4:10; 11:23) Atawa, meureun nu dimaksud ’sato galak’ téh nyaéta urang Yahudi jeung musuh-musuhna Paulus. (Ras. 19:26-34; 1 Kor. 16:9) Intina, Paulus téh nyanghareupan loba bahaya. Tapi manéhna percaya, dina mangsa kahareup mah hirupna moal sangsara jiga kitu deui. (1 Kor. 15:30, 31; 2 Kor. 4:16-18) Urang hirup dina jaman nu pinuh ku bahaya. Sababaraha dulur saiman jadi korban kajahatan. Aya ogé nu cicingna di daérah-daérah nu sering perang, jadi kaayaanana téh teu aman. Di sababaraha nagri, umat Yéhuwa téh teu meunang ngawawar. Maranéhna bisa waé dipanjara atawa dipaéhan lamun ibadah ka Yéhuwa. Tapi, dulur-dulur saiman urang tetep ibadah ka Yéhuwa jeung méré tuladan alus keur urang. Maranéhna teu sieun sabab maranéhna apal mun ayeuna kudu maot gé, Yéhuwa bakal méré kahirupan nu leuwih hadé dina mangsa kahareup. w20.12 9 ¶3-4
Senén, 22 Agustus
Gawe babarengan ngawula ka Allah, ari aranjeun minangka lahan kagungan Allah. Jeung aranjeun teh oge ibarat gedong Allah.—1 Kor. 3:9.
Na Sadérék sok leutik haté gara-gara jalma-jalma di daérah Sadérék katingalina teu minat kana bebeneran, atawa jarang aya di imah? Mun kitu, kumaha atuh carana supaya urang tetep sumanget jeung beuki bungah? Urang kudu boga pandangan nu bener kana palayanan urang. Naon maksudna? Tong poho, urang ngawawar téh lantaran hayang méré nyaho batur ngeunaan nami Allah sarta Karajaan-Na. Yésus geus méré nyaho, nu bakal jadi muridna téh ngan saeutik. (Mat. 7:13, 14) Waktu dines, sabenerna urang meunang kahormatan pikeun digawé bareng jeung Yéhuwa, Yésus, sarta para malaikat. (Mat. 28:19, 20; Wahyu 14:6, 7) Mun jalma nu urang wawaran can daék narima bebeneran, sugan wéh kahareupna manéhna jadi daékeun. Sing inget, nu narik jalma-jalma téh Yéhuwa (Yoh. 6:44) Ceuk saurang sadérék nu ngaranna Debora, ”Parasaan leutik haté téh bisa dijadikeun senjata ku Sétan pikeun nyerang urang.” Tapi keur Yéhuwa mah, senjata Sétan euweuh nanaonna. w20.12 26 ¶18-19; 27 ¶21
Salasa, 23 Agustus
Hayu dulur-dulur urang silih pikaasih, sabab sipat asih teh asal ti Allah.—1 Yoh. 4:7.
Loba urang Kristen anu digawé beurang peuting keur nganapkahan diri sorangan jeung kulawargana. Najan kitu, para pawarta ieu sabisa-bisana tetep satia ngadukung organisasi Allah. Misalna, aya nu miluan kagiatan pikeun mantuan korban musibat alam. Aya ogé nu milu proyék-proyék pangwangunan. Terus, urang kabéh bisa méré sumbangan keur pagawéan di sakuliah dunya. Maranéhna ngalakukeun éta kabéh lantaran nyaah ka Allah jeung ka sasama. Unggal minggu, urang ngabuktikeun kanyaah ka dulur saiman ku cara datang ka pasamoan jeung aktif di sidang. Najan urang capé, urang tetep datang ka pasamoan. Najan urang geumpeur, urang tetep méré koméntar. Terus najan urang masing-masing boga masalah, urang silih kuatkeun, saacan jeung sanggeus pasamoan. (Ibr. 10:24, 25) Urang pasti nganuhunkeun pisan kana kahadéan ti dulur-dulur saiman urang! w21.01 10 ¶11
Rebo, 24 Agustus
Ulah adigung.—Gal. 5:26.
Jalma nu sombong mah hayangna kapuji sorangan, embung muji batur. Manéhna gé sok ngabanding-bandingkeun dirina jeung batur sarta embung éléh ti batur. Manéhna embung ngabagi élmu jeung tanggung jawab ka batur. Jalma nu sombong bakal mikir, ”Kabéh kudu digawékeun ku sorangan, da mun ku batur mah moal bener.” Manéhna hayang katingali leuwih penting tibatan batur, jeung sirik mun hasil pagawéan batur leuwih alus. Mun urang sadar boga sipat éta, urang kudu bener-bener ngadoa ka Yéhuwa. Pénta Mantenna mantuan urang pikeun ngarobah pikiran supaya sipat goréng éta teu akaran dina diri urang. (Rum 12:2) Urang nganuhunkeun pisan kana tuladan ti Yéhuwa! (Jab. 18:35) Yéhuwa téh rendah haté waktu urusan jeung umat-Na. Urang jadi hayang nyonto Mantenna. Terus, urang gé hayang nyonto tuladan-tuladan alus ti jalma-jalma nu sadar diri nu kisahna dicatet dina Alkitab. Mugia urang terus muji jeung ngamulyakeun Yéhuwa, sabab ngan Mantenna nu layak dipuji jeung dimulyakeun.—Wahyu 4:11. w20.08 12-13 ¶19-20
Kemis, 25 Agustus
Ngan kawin teh loba karepot, unggal poe loba uruseun.—1 Kor. 7:28.
Perkawinan téh hadiah nu sampurna ti Allah, tapi manusa mah teu sampurna. (1 Yoh. 1:8) Matakna Firman Allah ngingetan, nu nikah téh bakal ”loba karepot,” atawa loba masalah. Yéhuwa méré tanggung jawab ka para salaki pikeun nyumponan pangabutuh jasmani jeung rohani kulawargana. (1 Tim. 5:8) Najan kitu, pamajikan kudu nyadiakeun waktu pikeun maca Firman Allah unggal poé, ngalenyepanana, sarta ngadoa sapinuh haté ka Yéhuwa. Meureun éta téh teu gampang, sabab maranéhna gé sibuk. Tapi sabenerna, éta téh penting pisan. Ku naon? Sabab Yéhuwa hayang urang masing-masing nyobat jeung Mantenna. (Ras. 17:27) Bisa jadi, pamajikan téh kudu bener-bener upaya pikeun tunduk ka salakina nu teu sampurna. Tapi mun diajar Alkitab, manéhna bisa ngarti ku naon pamajikan kudu nurut jeung hormat ka salaki. Ku kituna, manéhna bisa leuwih babari pikeun nurut jeung hormat. w21.02 8 ¶3; 9 ¶6-7
Jumaah, 26 Agustus
Lamun aranjeun tetep palercaya ka Gusti dina sajeroning nandangan cocoba, aranjeun bakal leuwih tabah sarta mantep dina iman.—Yak. 1:3.
Pedang tina baja nu teterusan dipanaskeun jeung ditiiskeun, lila-lila jadi leuwih kuat. Kitu ogé, lamun urang tetep teger waktu aya cocoba, lila-lila iman urang jadi leuwih kuat. Ku kituna Yakobus nulis, ”Sing tetep mantepna, ulah boboleh teu payaan, supaya jadi jelema pasagi dina sagala hal.” (Yak. 1:4) Lamun urang paham cocoba téh bisa nguatkeun iman urang, urang bakal tetep bungah. Yakobus ogé méré nyaho sababaraha hal nu bisa nyababkeun urang kaleungitan kabungah. Tangtanganna téh teu nyaho kudu kumaha. Waktu boga masalah, urang hayang nyieun putusan nu nyenangkeun Yéhuwa, nguatkeun dulur saiman, sarta ngabantu urang tetep satia. (Yer. 10:23) Urang butuh hikmat supaya nyaho kudu kumaha jeung kudu ngomong naon ka musuh. Mun urang teu nyaho kudu kumaha, urang bisa leutik haté. Kabungah urang gé bisa gancang leungit. w21.02 28 ¶7-9
Saptu, 27 Agustus
Baroga kanyaah ka papada batur sakapercayaan, geus silih pikanyaah saiklas-iklasna.—1 Pet. 1:22.
Yéhuwa geus méré conto nu alus keur urang. Mantenna iklas nyaah ka urang. Salila urang satia ka Mantenna, moal aya nu bisa megatkeun kanyaah-Na ka urang. (Rum 8:38, 39) Kecap Yunani pikeun ”saiklas-iklasna” ngamaksudkeun bener-bener upaya pikeun nunjukkeun kanyaah. Kadang, nunjukkeun kanyaah ka dulur-dulur saiman téh teu gampang. Lamun aya nu nyieun keuheul ka urang, urang kudu tabah, ”katunggalan anu diciptakeun ku Roh Allah teh piara sateka-teka, saratna nya eta kudu rukun sauyunan”. (Epe. 4:1-3) Urang moal merhatikeun teuing kasalahan dulur-dulur saiman jeung upaya sabisa-bisana supaya boga cara pandang jiga Yéhuwa. (1 Sam. 16:7; Jab. 130:3) Kadang, teu gampang pikeun nunjukkeun kanyaah ka dulur-dulur saiman, komo mun urang apal manéhna nyieun kasalahan. Katingalina, ieu nu kaalaman ku sababaraha urang Kristen dina abad kahiji, saperti Éodia jeung Sintika. Rasul Paulus ngajurung maranéhna sangkan ”sahate jeung sapikiran, nya ngesto ka Gusti”.—Pil. 4:2, 3, SF. w21.01 22-23 ¶10-11
Minggu, 28 Agustus
Para perjaka! Bapa nulis ieu teh ku sabab maraneh garagah, geus kaancikan ku sabda Allah, jeung geus bisa ngelehkeun si Jahat.—1 Yoh. 2:14.
Sadérék-sadérék téh ngahargaan anjeun, sabab anjeun daék ngawula Yéhuwa bareng jeung maranéhna. (Sep. 3:9) Maranéhna gé resep ningali anjeun nu sumanget jeung getol ngagawékeun tugas naon waé nu dibikeun ka anjeun. Anjeun téh dipikanyaah ku maranéhna. Barudak lalaki, sing inget Yéhuwa téh nyaah jeung percaya ka aranjeun. Mantenna geus ngaramalkeun yén dina ahir jaman, bakal aya pasukan budak ngora nu ngarélakeun diri. (Jab. 110:1-3) Yéhuwa apal, anjeun téh nyaah ka Mantenna sarta hayang ngalakukeun nu panghadéna dina palayanan. Jadi, anjeun kudu sabar ka batur. Terus, ulah gampang nyerah. Waktu nyieun kasalahan, pék tarima naséhat jeung disiplin, sabab éta téh asalna ti Yéhuwa. (Ibr. 12:6) Sing getol ngajalankeun tugas naon waé nu dibikeun ka anjeun. Pangpangna, dina sagala hal pék senangkeun Bapa urang di sawarga.—Sil. 27:11. w21.03 7 ¶17-18
Senén, 29 Agustus
Lamun maneh babari leutik hate ku kasusahan, tetela hengkerna atuh.—Sil. 24:10.
Urang bisa leutik haté gara-gara loba hal. Aya nu asalna ti jero diri sorangan, aya nu ti luar. Misalna, urang bisa leutik haté lantaran nyieun kasalahan, boga kalemahan, atawa gering. Urang gé bisa leutik haté lantaran teu dibéré tugas nu dipikahayang ku urang dina palayanan, atawa mun ngawawar di daérah nu jalma-jalmana katingali teu minat. Mun urang nyieun salah, bisa waé urang ngarasa gagal. Urang gé bisa mikir, Yéhuwa moal ngidinan urang hirup di Pirdaus. Pamikiran jiga kitu téh bahaya. Ceuk Alkitab, kabéh manusa ”geus dosa”, iwal Yésus Kristus. (Rum 3:23) Tapi, Yéhuwa teu néang-néang kasalahan urang atawa ngarepkeun urang sampurna. Mantenna téh Bapa nu nyaah ka urang sarta hayang mantuan urang. Yéhuwa ogé sabar. Mantenna ngarti, keur urang mah teu gampang pikeun ngalawan kalemahan. Mantenna gé ngarti, mun urang nyieun salah, urang sok boga pandangan nu teu bener ka diri sorangan. Tapi, Mantenna siap mantuan urang.—Rum 7:18, 19. w20.12 22 ¶1-3
Salasa, 30 Agustus
Dulur-dulur! . . . lampahkeun pepeling-pepeling.—2 Kor. 13:11.
Urang kabéh keur nempuh perjalanan. Tempat nu dituju téh nyaéta dunya anyar nu diparéntah ku Yéhuwa nu nyaah ka urang. Di ditu, urang bisa hirup langgeng. Jadi, unggal poé urang kudu nuturkeun jalan anu tujuanana ka dunya anyar. Tapi ceuk Yésus, jalan ka ditu téh heureut jeung hésé ditempuh. (Mat. 7:13, 14, SF) Komo deui urang téh teu sampurna, jadi gampang nyimpang ti jalan éta. (Gal. 6:1) Ngarah tetep aya dina jalan anu nungtun kana kahirupan, urang kudu daék ngarobah pikiran, sikep, jeung ucap lampah urang. Rasul Paulus méré naséhat supaya terus ’ngalampahkeun pepeling-pepeling’. Teu gampang pikeun mariksa pikiran jeung parasaan sorangan. Ku naon? Sabab haté urang téh licik, jadi sakapeung urang teu nyaho naon niat haté urang nu sabenerna. (Yer. 17:9) Urang bisa waé ”nipu diri sorangan”. (Yak. 1:22) Ku kituna, urang kudu mariksa diri maké Firman Allah. Firman Allah mah bisa ngabolékérkeun ”pikiran jeung angen-angen” urang nu sabenerna.—Ibr. 4:12, 13. w20.11 18 ¶1-3
Rebo, 31 Agustus
Kudu paheula-heula ngajenan.—Rum 12:10, ”SF”.
Mun rendah haté jeung sadar diri, urang bakal leuwih bagja. Ku naon? Mun urang apal kana kalemahan urang, urang jadi leuwih nganuhunkeun waktu dibantuan ku batur. Misalna, pikirkeun waktu Yésus nyageurkeun sapuluh jalma nu keuna lépra. Ngan saurang nu balik deui ka Yésus pikeun ngahaturkeun nuhun. Lalaki éta sadar, manéhna moal pernah bisa nyageurkeun dirina sorangan. Manéhna nganuhunkeun kana bantuan ti Yésus sarta muji Allah. (Luk. 17:11-19) Jalma nu rendah haté jeung sadar diri gé leuwih gampang akur jeung batur sarta boga sobat. Ku naon? Sabab manéhna daék ngakukeun yén batur boga sipat-sipat nu alus. Terus, manéhna daék percaya ka batur. Mun batur suksés ngajalankeun tugasna, manéhna gé bakal milu bagja sarta babari ngahargaan jeung muji batur. w20.08 12 ¶17-18