Séptémber
Kemis, 1 Séptémber
Geus kitu Kami bakal ngeusikeun roh Kami ka unggal jalma.—Yoel 2:28.
Pétrus diilhamkeun pikeun ngucapkeun kekecapan nu rada béda waktu nyutat nubuat Yoél. (Ras. 2:16, 17) Dina awal kekecapanana, Pétrus henteu nyutat ”geus kitu”, tapi nyebutkeun ”dina ahir jaman”. Nu dimaksud ku Pétrus téh ahir jamanna urang Yahudi, nyaéta saacan Yérusalém jeung baitna diancurkeun. Harita, Allah masihan roh suci-Na ”ka unggal jalma”. Hal ieu nunjukkeun yén butuh waktu nu lila ti saprak nubuat ieu ditulis nepi ka éta laksana. Sanggeus Allah masihan roh suci-Na ka urang Kristen dina abad kahiji, maranéhna ngamimitian pangwawaran nu tungtungna bakal nepi ka sakuliah dunya. Waktu Rasul Paulus nulis surat ka urang Kolosa, nyaéta kira-kira taun 61 M, manéhna bisa nyebutkeun yén warta hadé keur diémbarkeun ”ka sagala mahluk di kolong langit”, maksudna nyaéta ka bagian dunya nu bisa didatangan ku Paulus jeung urang Kristen séjénna. (Kol. 1:23, SF) Ku bantuan roh suci Yéhuwa, ayeuna pangwawaran bisa dilakukeun ka tempat-tempat nu leuwih jauh, nyaéta ”nepi ka tungtung bumi”!—Ras. 13:47, SF. w20.04 6-7 ¶15-16
Jumaah, 2 Séptémber
Domba Kami rek diteangan ku sorangan, rek diurus ku sorangan.—Yeh. 34:11.
Yéhuwa nyaah pisan ka urang kabéh, kaasup ka domba nu ngajauh ti sidang. (Mat. 18:12-14) Allah jangji bakal néangan domba-domba-Na nu leungit jeung ngabantu maranéhna nyobat deui jeung Mantenna. Yéhuwa méré nyaho naon nu bakal Mantenna lakukeun. Ieu téh sarua jeung nu bakal dilakukeun ku pangangon Israil pikeun nyalametkeun dombana nu leungit. (Yeh. 34:12-16) Mimitina, si pangangon bakal néangan domba éta. Manéhna kudu bener-bener upaya jeung ngorbankeun loba waktu. Terus sanggeus kapanggih, dombana bakal dibawa balik, sina ngumpul deui jeung domba-domba séjénna. Mun éta domba raheut atawa kalaparan, ku si pangangon bakal dirawat. Raheutna dibulen, tuluy éta domba diais jeung diparaban. Kokolot téh pangangon ”domba-domba Allah”. Maranéhna kudu ngalakukeun hal-hal nu sarua pikeun nulungan jalma nu ngajauh ti sidang. (1 Pet. 5:2, 3) Kokolot bakal néangan maranéhna, mantuan maranéhna balik deui ka sidang, sarta mantuan maranéhna nyobat deui jeung Allah. w20.06 20 ¶10
Saptu, 3 Séptémber
Sawah geus koneng,meujeuhna dipibuatan.—Yoh. 4:35.
Naha Yésus mandang sawah geus siap dibuat téh lantaran anjeunna ngarepkeun kalolobaan jalma jadi muridna? Teu kitu. Alkitab geus nganubuatkeun, ngan saeutik nu bakal boga iman ka anjeunna. (Yoh. 12:37, 38) Yésus gé boga kasanggupan nu luar biasa pikeun maca haté, jadi anjeunna nyaho loba nu moal narima wartana. (Mat. 9:4) Tapi, anjeunna terus néangan nu saeutik éta jeung sumanget ngawawar ka saha waé. Komo deui urang nu teu bisa maca haté, ulah ngahakiman jalma atawa daérah urang! Tapi, anggap unggal jalma bisa jadi murid Yésus. Sing inget naon nu disebutkeun Yésus ka murid-muridna. Sawah siap dipanén, maksudna jalma-jalma siap dijadikeun murid Kristus. Jalma bisa barobah jeung jadi murid Kristus. Yéhuwa nganggap jalma-jalma ieu téh ”barang-barang anu marulya”. (Hag. 2:7) Lamun urang mandang jalma-jalma saperti cara Yéhuwa jeung Yésus, urang jadi hayang nyaho ngeunaan kasang tukang jeung karesep maranéhna. Urang bakal nganggap maranéhna téh pijadieun dulur-dulur urang. w20.04 13 ¶18-19
Minggu, 4 Séptémber
Maraneh ku Kami disebut sobat, lantaran geus dibarere nyaho sagala perkara anu ku Rama didawuhkeun ka Kami.—Yoh. 15:15.
Firman Allah jelas ngajarkeun yén urang kudu terus nyaah ka Yésus pikeun nyenangkeun Hiji cara sangkan urang bisa jadi sobat Yésus nyaéta, urang kudu kenal ka anjeunna. Éta bisa dilakukeun lamun urang maca Injil Mateus, Markus, Lukas, jeung Yohanes. Ku cara ngalenyepan kisah-kisah Alkitab ngeunaan kahirupan Yésus, urang bakal nyaah jeung ngahargaan Yésus lantaran anjeunna bageur ka jalma-jalma. Misalna, sanajan anjeunna téh Dunungan, murid-muridna teu dianggap badéga. Tapi anjeunna ngungkabkeun pikiran jeung parasaanana ka maranéhna. Waktu maranéhna sedih, Yésus gé milu sedih, malahan ceurik bareng jeung maranéhna. (Yoh. 11:32-36) Musuh-musuhna gé apaleun yén Yésus nganggap sobat ka jalma-jalma nu narima wartana. (Mat. 11:19) Lamun urang nyonto sikep Yésus ka murid-muridna, hubungan urang jeung batur bakal beuki alus. Urang bakal ngarasa puas jeung bagja, urang gé bakal beuki ngahargaan Kristus. w20.04 22 ¶9-10
Senén, 5 Séptémber
Manéhna bakal ngumpulkeun kakuatan jeung kawani pikeun ngalawan raja kidul maké baladna nu gedé.—Dan. 11:25, ”NW”.
Dina taun 1870, Inggris geus jadi nagri nu pangkawasana jeung boga pasukan militér nu pangkuatna di sakuliah dunya. Inggris digambarkeun ku tanduk leutik nu ngarungkadkeun tilu tanduk séjénna, nyaéta Prancis, Spanyol, jeung Walanda. (Dan. 7:7, 8) Nepi ka Perang Dunya I, Inggris masih jadi raja kidul. Harita ogé, Amerika Serikat jadi nagri nu pangbeungharna di sakuliah dunya, sarta boga hubungan nu raket jeung Inggris. Waktu Perang Dunya I, Inggris jeung Amerika Serikat ngagabung jadi hiji kakuatan militér nu hébat. Maranéhna disebut Kawasa Dunya Anglo-Amerika. Ieu cocog jeung nu dinubuatkeun ku Daniél yén raja kidul boga ’balad nu gede jeung rongkah’. Sapanjang ahir jaman, Anglo-Amerika jadi raja kidul. w20.05 4 ¶7-8
Salasa, 6 Séptémber
Caina malik mulang ka sirah walungan, geus kitu ka hilir deui.—Pan. 1:7.
Di Bumi bisa aya cai lantaran jauhna Bumi ka panonpoé téh pas. Mun leuwih deukeut saeutik wé, kabéh cai bakal jadi uap. Bumi bakal garing jeung moal bisa dicicingan. Tapi mun leuwih jauh saeutik wé, kabéh cai bakal jadi és. Bumi bakal jadi bola és raksasa. Yéhuwa geus nempatkeun Bumi di tempat nu pas, ku kituna di Bumi bisa aya siklus cai nu nunjang kahirupan. Panas ti panonpoé ngalantarankeun cai di laut jeung di darat jadi uap jeung ngabentuk awan. Unggal taunna, aya jutaan liter cai nu jadi awan. Awan ieu bakal aya di langit kira-kira sapuluh poé, tuluy turun jadi hujan. Ahirna, éta cihujan téh balik deui ka laut, walungan, jeung sajabana. Bakal kitu jeung kitu terus siklusna téh. Siklus cai ieu ngabuktikeun Yéhuwa bijaksana jeung gedé kawasa.—Ayub 36:27, 28. w20.05 22 ¶6
Rebo, 7 Séptémber
Maraneh, lamun Roh Suci geus sumping bakal narampa kawasa.—Ras. 1:8.
Yésus ngajurung urang pikeun terus ngadoa ménta roh suci. (Luk. 11:9, 13) Liwat roh suci, Allah bisa méré urang kasanggupan nu teu pernah kabayangkeun saacanna. (2 Kor. 4:7) Ku bantuan ti roh suci, urang bakal sanggup nyanghareupan tangtangan naon waé. Roh suci ogé bisa ngamekarkeun bakat jeung kamampuh urang. Ku kituna, urang bisa ngajalankeun tanggung jawab jeung tugas ti Allah. Jadi lamun urang suksés dina palayanan, éta téh lantaran bantuan ti roh suci, lain lantaran kasanggupan sorangan. Urang bisa ngahargaan roh suci Allah ku cara ngadoa ménta bantuan roh suci keur mariksa haté urang. Bisa jadi, urang boga pikiran jeung kahayang nu salah. (Jab. 139:23, 24) Roh suci ti Yéhuwa bakal ngabantu urang sadar lamun aya pikiran jeung kahayang nu salah. Lamun geus apal naon nu salah, urang kudu ngadoa ménta bantuan roh suci sangkan bisa ngalawan pikiran jeung kahayang éta. Ku cara kitu, urang ngabuktikeun yén urang ngalakukeun nu panghadéna supaya Yéhuwa teu eureun méré bantuan liwat roh suci-Na.—Epe. 4:30. w20.05 28-29 ¶10-12
Kemis, 8 Séptémber
Ama ku Abdi parantos dikenalkeun ka maranehna.—Yoh. 17:26.
Waktu ngabéla nami Yéhuwa, urang nyonto tuladan Yésus. Yésus ngenalkeun nami Bapana ku cara ngagunakeun nami Yéhuwa jeung ngajarkeun sipat Mantenna nu sabenerna ka jalma-jalma. Contona, basa urang Parisi ngajarkeun saolah-olah Yéhuwa téh kasar, loba paménta, hésé dideukeutan, jeung taya karunya, Yésus ngabéla nami Yéhuwa. Anjeunna ngajarkeun Bapana téh rasrasan, sabar, nyaahan, jeung resep ngahampura. Liwat tindakan sapopoé gé, Yésus ngajarkeun sipat Bapana sabab anjeunna nyonto Bapana ku cara nu sampurna. (Yoh. 14:9) Kumaha urang bisa nyonto Yésus? Ku cara méré nyaho batur ngeunaan Yéhuwa. Hasilna, batur jadi apal nami Yéhuwa nu suci jeung ngahargaanna. Urang gé bisa ngajarkeun yén Yéhuwa téh Allah nu nyaahan jeung bageur pisan. Ku cara kitu, urang ngabuktikeun tuduhan jeung pitnah ngeunaan Yéhuwa téh salah. Ku ucap lampah urang, batur jadi bisa ngarti nu sabenerna ngeunaan Yéhuwa. Ku kituna, urang milu nyucikeun nami-Na. Salian ti éta, urang ngabuktikeun yén manusa nu teu sampurna bisa tetep satia. w20.06 6 ¶17-18
Jumaah, 9 Séptémber
Ulah adigung, ulah silih nyenyeri, jeung ulah silih dengkian.—Gal. 5:26.
Média sosial téh aya mangpaatna, misalna keur komunikasi jeung kulawarga atawa babaturan. Tapi pernah teu Sadérék merhatikeun, aya nu nga-post di média sosial lantaran hayang pamér? Manéhna saolah-olah ngomong, ’Yeuh, tingali aing!’ Malah, aya ogé nu méré koméntar kasar jeung jorang dina potona sorangan atawa poto batur. Éta téh teu sajalan jeung sipat rendah haté sarta sipat saperasaan. Jadi, urang Kristen mah moal jiga kitu waktu maké média sosial. (1 Pet. 3:8) Mun Sadérék maké média sosial, pék pikirkeun, ’Na koméntar, poto, atawa vidéo nu di-post ku urang nunjukkeun urang keur pamér? Na batur bisa sirik ningalina?’ Urang Kristen mah teu ngarasa perlu diagul-agul ku batur. Maranéhna nuturkeun naséhat Alkitab, nu aya dina ayat poé ieu. Mun rendah haté, urang moal jiga jalma-jalma di dunya nu sombong jeung hayang dianggap penting.—1 Yoh 2:16. w20.07 6 ¶14-15
Saptu, 10 Séptémber
Bapa ka Anjeunna teh ngagogoreng, nganiaya jeung moyok. Sukur, bapa ku Allah dipikawelas, kawantu harita mah bapa tacan percaya jeung tacan nyaho.—1 Tim. 1:13.
Saacan jadi murid Kristus, Paulus, nu baheula ngaranna Saulus, téh saurang budak ngora nu kejem jeung sok nyiksa urang Kristen. (Ras. 7:58) Yésus sorangan nu nyieun Paulus eureun nganiaya urang Kristen. Yésus ngomong ka Paulus ti sawarga sarta nyieun manéhna lolong. Supaya bisa ningali deui, daék teu daék Paulus kudu ménta bantuan ka jalma nu pernah disiksa ku manéhna. Paulus rendah haté jeung daék dibantuan ku saurang murid nu ngaranna Ananias. (Ras. 9:3-9, 17, 18) Ka dieunakeun, Paulus jadi urang Kristen nu boga réputasi alus. Tapi, manéhna teu pernah poho kana hal nu diajarkeun ku Yésus ka manéhna waktu di jalan rék ka Damsik. Paulus tetep rendah haté jeung daék narima bantuan ti dulur saiman. Ceuk Paulus, dulur saiman téh ”kacida nulungna”.—Kol. 4:10, 11. w20.07 18-19 ¶16-17
Minggu, 11 Séptémber
Rama maraneh sukaeun maparin berkah ka maraneh ti Karajaana-Na.—Luk. 12:32.
Sanajan Yéhuwa téh Mahakawasa, tapi Mantenna daék méré wewenang ka nu séjén. Buktina, Yéhuwa ngalantik Yésus pikeun jadi Raja tina Karajaan-Na. Mantenna gé bakal méré wewenang ka 144.000 manusa nu engkéna bakal maréntah bareng jeung Yésus. Tangtu Yéhuwa geus ngalatih Yésus pikeun jadi Raja jeung Imam Agung. (Ibr. 5:8, 9) Yéhuwa gé ngalatih nu 144.000 supaya bisa ngajalankeun tugasna, tapi Mantenna moal méré aturan nu rinci ngeunaan cara maranéhna ngajalankeun tugas. Sabalikna, Yéhuwa percaya ka maranéhna. (Wahyu 5:10) Mun Bapa urang di sawarga nu teu butuh bantuan ti sasaha gé daék méré wewenang ka batur, komo deui urang! Urang gé kuduna daék ngabagi tanggung jawab ka batur. Misalna, na Sadérék téh kapala kulawarga atawa kokolot di sidang? Pék conto tuladan Yéhuwa ku cara méré tugas ka batur, jeung ulah ngatur teuing cara manéhna digawé. Mun Sadérék nyonto Yéhuwa, naon hasilna? Pagawéan bakal bérés, Sadérék gé bisa ngalatih batur sarta mantuan manéhna leuwih percaya diri.—Yes. 41:10. w20.08 9-10 ¶5-6
Senén, 12 Séptémber
Putra Manusa pang sumping teh rek neangan jeung nyalametkeun jelema nu leungit.—Luk. 19:10.
Yéhuwa hayang urang ngarasa kumaha ka domba-Na nu leungit? Urang bisa nyonto tuladan Yésus. Anjeunna apal Yéhuwa téh nyaah ka unggal domba-Na, jadi anjeunna sabisa-bisa mantuan ”urang Israil, hususna ka anu salasar cara domba leungit” supaya balik deui ka Yéhuwa. (Mat. 15:24) Sabagé pangangon nu hadé, Yésus gé ngalakukeun sabisa-bisana supaya euweuh hiji-hiji acan domba Yéhuwa nu leungit. (Yoh. 6:39) Rasul Paulus ngajurung para kokolot di sidang Épésus pikeun nyonto Yésus. ”Kudu nalang ka nu walurat, ngingetkeun pilahir Gusti Yesus anu kieu, ’Leuwih bagja mere ti batan nampa.’” (Ras. 20:17, 35) Ayat éta nunjukkeun yén para kokolot kudu ngajalankeun tanggung jawab pikeun ngurus umat Yéhuwa. Salvador, saurang kokolot ti Spanyol, nyarita, ”Waktu abdi mikirkeun sakumaha nyaahna Yéhuwa ka domba-Na nu leungit, abdi jadi hayang sabisa-bisa nulungan maranéhna. Yéhuwa gé pasti hayang abdi ngurus maranéhna.” w20.06 23 ¶15-16
Salasa, 13 Séptémber
Sakur nu heubeul geus sirna.—Wahyu 21:4.
Yéhuwa bakal sabar ngadagoan urang sampurna, nyaéta nepi ka ahir sarébu taun. Saacan urang sampurna, Yéhuwa bakal terus ngahampura dosa-dosa urang. Jadi, urang gé sakuduna nyonto Mantenna, sarta ningali hal-hal hadé ti batur jeung sabar ka maranéhna. Yésus jeung para malaikat gumbira waktu bumi diciptakeun. Engké aranjeunna pasti bakal leuwih gumbira deui waktu ningali bumi pinuh ku manusa sampurna nu nyaah jeung ngawula Yéhuwa. Terus, bayangkeun ogé sakumaha gumbirana jalma-jalma nu bakal maréntah bareng Yésus di sawarga. Maranéhna ningali, nu geus dilakukeun ku maranéhna téh aya mangpaatna keur umat manusa. (Wahyu 4:4, 9-11; 5:9, 10) Urang gé bisa ngabayangkeun, engké moal aya deui nu ceurik lantaran sedih. Engké mah jalma-jalma ceurik téh lantaran gumbira. Terus moal aya deui nu gering, sangsara, jeung maot. Bari ngadagoan éta kabéh, urang kudu boga tékad pikeun nyonto Bapa urang nu nyaahan, bijaksana, jeung sabar. Ku kituna urang bakal terus bungah, teu sual naon masalah nu disanghareupan ku urang. (Yak. 1:2-4) Urang pasti nganuhunkeun lantaran Yéhuwa geus jangji bakal aya ’pihudangeunana nu maot’!—Ras. 24:15. w20.08 19 ¶18-19
Rebo, 14 Séptémber
Ieu Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga bakal diuarkeun ka sakuliah dunya.—Mat. 24:14.
Alkitab téh hadiah nu ngabuktikeun yén Allah nyaah ka manusa. Bapa di sawarga méré wahyu ka jalma-jalma pikeun nulis Alkitab demi kapentingan urang di bumi. Liwat Alkitab, Yéhuwa méré jawaban tina pananya-pananya nu pangpentingna. Misalna: Kumaha asal-usul manusa? Ku naon urang diciptakeun? Bakal aya naon dina mangsa kahareup? Yéhuwa hayang jalma-jalma nyaho jawabanana. Jadi salila mangabad-abad, Mantenna ngatur sangkan Alkitab ditarjamahkeun ka loba basa. Ayeuna Alkitab, boh sabagian boh lengkep, geus aya dina leuwih ti 3.000 basa! Sapanjang sajarah, Alkitab téh buku nu pangseringna ditarjamahkeun jeung panglobana disebarkeun. Urang hayang ngahargaan Alkitab ku cara maca unggal poé, mikirkeun eusina bener-bener, jeung ngalarapkeun pangajaranana dina kahirupan. Urang gé némbongkeun rasa sukur ka Allah ku cara sabisa-bisa ngawartakeun bebeneran Alkitab ka saloba-lobana jalma.—Jab. 1:1-3; Mat. 28:19, 20. w20.05 24-25 ¶15-16
Kemis, 15 Séptémber
Abdi henteu kendat pada ngahina pada nyarekan, pedah nguarkeun pangandika Gusti.—Yer. 20:8.
Urang bisa diajar loba hal ti nabi Yérmia nu ditugaskeun ka daérah nu jalma-jalmana embung ngadéngékeun. Saking ku leutik haténa, Yérmia ngarasa hayang nyerah. Untungna, manéhna teu eureun ngawawar. Naha bisa kitu? Sabab ”pangandika Gusti” téh jiga seuneu di jero haté Yérmia, panasna teu katahan. (Yer. 20:9) Urang bisa jiga Yérmia mun urang diajar Alkitab unggal poé sarta ngalenyepanana. Engké, urang bakal beuki bungah dina dines, sarta sugan wéh jalma-jalma jadi leuwih daék ngadéngékeun urang. (Yer. 15:16) Jadi iraha waé urang ngarasa leutik haté, urang bisa ménta bantuan Yéhuwa. Mantenna bakal nulungan urang waktu urang nyieun kasalahan, boga kalemahan, sarta waktu keur gering. Terus, Mantenna bakal mantuan supaya urang boga pandangan nu bener kana tugas urang dina palayanan. Sarta, Mantenna bakal mantuan urang supaya terus sumanget dina dines. Jadi, pék ngadoa sarta budalkeun eusi haté Sadérék ka Bapa di sawarga. Ku bantuan Yéhuwa, Sadérék pasti bisa ngalawan parasaan leutik haté. w20.12 27 ¶20-21
Jumaah, 16 Séptémber
Ka awewe nu karolot sing kawas ka indung, ka mojang sing kawas ka lanceuk atawa adi.—1 Tim. 5:1, 2.
Meureun sababaraha sadérék istri ngan bisa gaul jeung dulur saiman di pasamoan. Jadi dina pasamoan, urang sakuduna ngabagéakeun, ngajak ngobrol, jeung nunjukkeun perhatian ka maranéhna. Jiga Yésus, urang bisa nyadiakeun waktu keur gaul jeung para sadérék istri. (Luk. 10:38-42) Meureun urang bisa ngondang maranéhna ulin ka imah atawa ngopi bareng. Urang hayang silih kuatkeun waktu ngobrol. (Rum 1:11, 12) Para kokolot gé sakuduna nyonto sikep Yésus. Anjeunna ngarti, tetep léngoh téh bisa jadi teu gampang. Tapi anjeunna ngajelaskeun, nikah atawa boga budak téh lain jaminan supaya bisa bagja. (Luk. 11:27, 28) Nu pasti mah, urang bakal bener-bener bagja mun ngutamakeun ibadah ka Yéhuwa dina kahirupan. (Mat. 19:12) Kokolot kudu nganggap para wanita Kristen kawas indung atawa dulurna sorangan. Maranéhna bakal ngupayakeun pikeun ngobrol jeung para sadérék istri, saacan atawa sanggeus pasamoan. w20.09 21-22 ¶7-9
Saptu, 17 Séptémber
Patani, sakitu sabarna ngadago hasil pepelakanana . . . Dulur-dulur oge kudu kitu.—Yak. 5:7, 8.
Baheula, patani di Israil kudu melak binih sanggeus turun hujan nu pangmimitina terus panénna sanggeus turun hujan panganggeusan. (Mar. 4:28) Urang gé kudu sabar jiga patani Israil. Tapi, bisa jadi éta téh teu gampang. Jalma nu teu sampurna sok hayang langsung ningali hasil tina upayana. Pék inget-inget deui conto patani Israil. Mun manéhna hayang pepelakanana tumuwuh jeung kaala hasilna, manéhna kudu sabar. Manéhna kudu ngali taneuh, melak binih, nyabut jujukutan, jeung nyiram pepelakanana. Ayeuna, urang gé kudu sabar, misalna waktu ngawawar. Mun urang sabar, urang moal leutik haté najan jalma-jalma teu ngadéngékeun warta urang. Urang bakal leukeun néangan jalma nu daék ngadéngékeun. Tapi najan aya nu ngadéngékeun gé, urang masih kénéh kudu sabar. Urang teu bisa ngaburu-buru manéhna nyieun kamajuan. Baheula, murid-murid Yésus gé sok hésé ngarti kana pangajaran anjeunna. (Yoh. 14:9) Sing inget, meureun urang nu melak jeung nyiram, tapi nu ngajadikeunana mah Allah.—1 Kor. 3:6. w20.09 11 ¶10-11
Minggu, 18 Séptémber
Kaula seja nganuhunkeun ka PANGERAN saiklas-iklasna, dina pagempungan umat-Na.—Jab. 111:1.
Urang pasti hayang palajar nyieun kamajuan nepi ka dibaptis. Salah sahiji hal penting nu kudu dilakukeun nyaéta ngajak manéhna masamoan. Kadang, palajar jadi gancang nyieun kamajuan sanggeus milu masamoan. Aya ogé pawarta nu méré nyaho ka palajarna yén manéhna moal bisa meunangkeun mangpaat ngan tina palajaran Alkitab wungkul. Manéhna gé kudu milu masamoan. Baca Ibrani 10:24, 25 bareng jeung palajar. Tuluy jelaskeun, naon mangpaatna mun manéhna milu masamoan. Sing sumanget nyaritakeun Sadérék diajar naon waé dina pasamoan. Meureun manéhna jadi leuwih panasaran. Engké mun manéhna milu masamoan, nu dirasakeun manéhna téh pasti béda pisan tibatan nu pernah manéhna rasakeun waktu milu ka pakumpulan ibadah séjénna. (1 Kor. 14:24, 25) Manéhna bakal panggih jeung dulur-dulur saiman nu méré conto hadé jeung bisa mantuan manéhna nyieun kamajuan pikeun dibaptis. w20.10 10-11 ¶14-15
Senén, 19 Séptémber
Allah teh Guru Nu Agung.—Ayub 36:22.
Sanggeus maca jeung diajar Firman Allah, roh suci bakal ngabantu Sadérék ngajalankeun pangajaran Alkitab. Pék ngadoa jiga nu nulis jabur, ”Wurukan, abdi teh kedah kumaha, nun PANGERAN, tangtos ku abdi ditumutkeun kalayan satia, kumaha kedahna ngabdi ka Gusti kalayan satuhu.” (Jab. 86:11) Jadi, pék terus maca jeung diajar Alkitab sarta publikasi nu disadiakeun ku Yéhuwa. Tapi, Sadérék pasti teu puas mun saukur boga pamahaman wungkul. Sadérék pasti hayang bebeneran nanceb dina haté, sarta hayang ngajalankeunana dina kahirupan. Roh suci bisa mantuan Sadérék. Sadérék gé pasti hayang nguatkeun dulur-dulur saiman. (Ibr. 10:24, 25) Ku naon? Sabab maranéhna téh kulawarga rohani urang. Pék ngadoa ménta roh suci, supaya bisa méré koméntar tina haté dina pasamoan, jeung supaya sbisa ngalakukeun nu panghadéna waktu meunang tugas. Ku cara kitu, Sadérék nunjukkeun ka Yéhuwa jeung Putra-Na, Sadérék téh nyaah ka ”domba-domba” Aranjeunna.” (Yoh. 21:15-17) Tarima pangajaran ti Yéhuwa ku cara ngamangpaatkeun kadaharan rohani. w20.10 24-25 ¶15-17
Salasa, 20 Séptémber
Ari murid-murid tuluy kalabur ti Anjeunna.—Mar. 14:50.
Kumaha sikep Yésus ka para rasul nu keur lemah ieu? Teu lila sanggeus dihirupkeun deui, Yésus ngomong ka para wanita, ”Ulah sarieun . . . jung bejakeun ka dulur-dulur Kami [yén Kami geus dihirupkeun deui].” (Mat. 28:10) Sanajan para rasul geus naringgalkeun Yésus, anjeunna mah teu ninggalkeun maranéhna. Malah, anjeunna nyebut maranéhna ”dulur-dulur Kami”. Yésus téh welas asih jeung réla ngahampura jiga Yéhuwa. (2 Rja. 13:23) Urang gé pasti mikirkeun dulur-dulur saiman nu geus teu aktif. Urang pasti nyaah ka maranéhna, da maranéhna téh dulur-dulur urang kénéh. Urang inget, baheula maranéhna getol pisan dina palayanan. Malah, aya nu geus puluhan taun ngawula Yéhuwa. (Ibr. 6:10) Urang sono pisan ka maranéhna! (Luk. 15:4-7) Ajak pawarta nu teu aktif panggih jeung dulur-dulur saiman dina pasamoan. Pas manéhna datang, urang kudu nyambut jeung ngajak ngobrol manéhna ti heula. w20.11 6 ¶14-17
Rebo, 21 Séptémber
Ulah nimbang leuwih ti layakna.—1 Kor. 4:6.
Sakali waktu, Yakobus, Yohanes, jeung indung maranéhna nyampeurkeun Yésus sarta ménta kadudukan nu istiméwa ka anjeunna, padahal éta lain wewenang anjeunna. Kumaha réaksi Yésus? Anjeunna langsung nyebutkeun ngan Bapana nu di sawarga nu bisa nangtukeun saha nu bisa diuk di katuhueun jeung di kéncaeun anjeunna dina Karajaan. (Mat. 20:20-23) Yésus sadar diri, nyaho éta téh lain wewenangna. Yésus ogé teu pernah lancang. (Yoh. 12:49) Kumaha urang bisa nyonto tuladan Yésus? Urang bisa nyonto Yésus ku cara ngalarapkeun naséhat dina ayat poé ieu. Jadi waktu batur ménta naséhat, urang embung maksa manéhna nuturkeun pamikiran urang. Urang gé embung ngomong bari teu dipikir heula. Sabalikna, urang kudu méré naséhat nu dumasar kana Alkitab jeung publikasi ti organisasi. Mun ngalakukeun hal éta, hartina urang sadar yén urang téh teu nyaho sagala hal. Urang gé sadar diri sabab ngarti naséhat ti Yéhuwa téh leuwih hadé ti batan pamikiran urang sorangan.—Wahyu 15:3, 4. w20.08 11 ¶14-15
Kemis, 22 Séptémber
Jadi, ulah hade-hade teuing,ulah bijaksana-bijaksana teuing. Rek maehan maneh?—Pan. 7:16.
Kumaha mun urang ngarasa perlu méré naséhat ka batur? Saacan ngomong, pék pikirkeun heula, ’Na abdi ngarasa diri pangsoléhna?’ Jalma nu ngarasa diri pangsoléhna téh sok ngahakiman batur maké patokan sorangan, lain maké patokan Yéhuwa. Jadi, manéhna sok teu mikirkeun parasaan batur waktu méré naséhat. Mun Sadérék geus bener-bener mikirkeun hal tadi, tapi masih ngarasa kudu méré naséhat ka babaturan, Sadérék kudu kumaha? Béré nyaho salahna di mana, terus gunakeun pananya-pananya nu bisa ngabantu manéhna paham ku naon éta téh salah. Urang kudu mastikeun, naséhat urang téh asalna tina Alkitab. Sing inget, urang teu meunang ngahakiman manéhna. Tapi, urang kudu mantuan manéhna supaya paham kumaha parasaan Yéhuwa ningali kalakuanana. (Rum 14:10; Sil. 3:5) Terus waktu méré naséhat, urang gé kudu welas asih jiga Yésus. (Mat. 12:20) Ku naon? Sabab mun urang welas asih ka batur, Yéhuwa gé bakal welas asih ka urang.—Yak. 2:13. w20.11 21 ¶13
Jumaah, 23 Séptémber
Ulah ngahukum make dasar buktilahirna, kudu make dasar kaadilan.—Yoh. 7:24.
Sadérék resep teu diukur numutkeun warna kulit, beungeut, atawa bentuk awak? Pasti henteu. Urang bungah lantaran Yéhuwa teu ngukur urang numutkeun naon nu ditingali ku manusa! Misalna, cara Yéhuwa ningali putra-putra Isai béda jeung cara Samuél. Yéhuwa nyarios yén salah sahiji putra Isai bakal jadi raja Israil. Tapi, nu mana? Basa ningali putra cikalna Isai, nyaéta Éliab, Samuél mikir, ’Pasti ieu nu dipilih ku Yéhuwa.’ Éliab téh dedeganana gagah siga raja. ”Tapi dawuhan PANGERAN, ’Ulah nenjo kana dedegna, ulah ngareret kana kasepna. Eta mah teu kapake.’ ” Naon palajaranana? Saur Yéhuwa, ”Jalma mah nenjo luarna, Kami mah nilik eusina.” (1 Sam. 16:1, 6, 7) Urang nyonto Yéhuwa dina ngalakukeun nu sarua ka dulur-dulur saiman urang. w20.04 14 ¶1; 15 ¶3
Saptu, 24 Séptémber
Pek ilikan, sawah geus koneng, meujeuhna dipibuatan!—Yoh. 4:35.
Dina perjalanan ka Galiléa, Yésus ngaliwatan lahan nu haréjo kénéh. (Yoh. 4:3-6) Pepelakanana kakara bisa dipanén kira-kira opat bulan deui. Tapi, Yésus ngomong hal-hal nu kadéngéna anéh, ”Pek ilikan, sawah geus koneng, meujeuhna dipibuatan!” (Yoh. 4:35, 36) Naon nu dimaksud ku Yésus? Nu dimaksud ku Yésus téh panén jalma, lain pepelakan. Pikirkeun naon nu kakara kajadian. Biasana, urang Yahudi tara urusan jeung urang Samaria, tapi Yésus ngawawar ka saurang awéwé Samaria. Manéhna minat! Basa Yésus ngomong yén lahan ”geus koneng, meujeuhna dipibuatan”, rombongan urang Samaria nu ngadéngé ngeunaan Yésus ti awéwé tadi keur di jalan, hayang diajar ka Yésus. (Yoh. 4:9, 39-42) Hiji réferénsi Alkitab ngomentaran kisah ieu, ”Sumanget ti jalma-jalma ieu . . . nunjukkeun yén maranéhna téh siga pepelakan nu siap dipanén.” w20.04 8 ¶1-2
Minggu, 25 Séptémber
Sing silih titenan, silih ajak nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah.—Ibr. 10:24.
Naon deui mangpaatna pasamoan? Dina pasamoan, urang dilatih pikeun jadi pawarta jeung guru anu leuwih tarampil. Contona, urang diajarkeun carana supaya leuwih hadé waktu maké publikasi anu aya dina Alat Bantu Pengajaran. Jadi, pék persiapan saacan pasamoan. Waktu masamoan, perhatikeun bener-bener. Sanggeus pasamoan, larapkeun pangajaran anu geus ditarima. Ku kituna, Sadérék bakal jadi ”prajurit Yesus Kristus anu satia.” (2 Tim. 2:3) Urang gé dibantuan ku jutaan malaikat nu kuat. Pikirkeun naon anu bisa dilakukeun ngan ku saurang malaikat. (Yes. 37:36) Geus kitu, pikirkeun naon anu bisa dilakukeun ku sapasukan malaikat! Euweuh manusa atawa roh jahat anu bisa ngéléhkeun pasukan malaikat Yéhuwa. Mun Yéhuwa di pihak urang mah, urang bisa ngéléhkeun saha waé musuh urang, teu sual sakumaha kuat jeung sakumaha loba maranéhna. (Hak. 6:16) Urang bisa yakin kana hal éta. Pék terus pikirkeun éta lamun Sadérék ngarasa leutik haté ku omongan atawa tindakan batur gawé, batur sakola, jeung kulawarga nu lain Saksi. Inget, Sadérék téh henteu perang sorangan. Yéhuwa téh ngadukung Sadérék sabab Sadérék nuturkeun bingbingana-Na. w21.03 29 ¶13-14
Senén, 26 Séptémber
Lamun bener nu geus maot moal dihirupkeun deui, nya mending sakumaha ceuk kacapangan, ”Hayu urang nyatu nginum, da isukan mah urang paraeh.”—1 Kor. 15:32.
Rasul Paulus téh keur ngutip Yesaya 22:13, nu nyaritakeun ngeunaan sikep urang Israil. Maranéhna leuwih resep senang-senang, tibatan nguatkeun sosobatanna jeung Allah. Semboyan maranéhna téh kieu: Isuk mah kumaha isuk wé, nu penting poé ieu aing senang-senang. Jalma-jalma kiwari gé boga pandangan jiga kitu. Harepan pihudangeunana nu geus maot téh kuduna mangaruhan pergaulan urang. Baheula, urang Kristen di Korinta kuduna henteu gaul jeung jalma-jalma nu teu percaya kana pihudangeunana nu geus maot. Naon palajaranana? Lamun urang loba teuing gaul jeung jalma-jalma nu teu paduli kana mangsa kahareup jeung ngan mikirkeun senang-senang wungkul, urang bisa kababawa. Éta bisa ngaruksak cara pikir jeung kabiasaan urang. Malah, urang bisa ngalakukeun hal nu dipikageuleuh ku Allah, nyaéta dosa. Jadi, Paulus méré naséhat nu teges, ”Pake pikiran sehat, geura eureun tina lampah doraka. Kudu arera, di aranjeun aya anu teu nyaraho ka Allah.”—1 Kor. 15:33, 34. w20.12 9 ¶3, 5-6
Salasa, 27 Séptémber
Kristus teh sirah sakabeh lalaki, salaki sirah pamajikan;Allah mastaka Kristus.—1 Kor. 11:3.
Ayat ieu ngajelaskeun kumaha Yéhuwa ngatur kulawarga-Na nu aya di sawarga jeung di bumi. Yéhuwa téh kapalana, jadi Mantenna boga wewenang anu pangluhurna. Najan kitu, Mantenna gé méré wewenang ka batur. Tapi, anu dibéré wewenang kudu tanggung jawab ka Yéhuwa waktu maranéhna ngagunakeun wewenangna. (Rum 14:10; Epe. 3:14-16) Yéhuwa geus méré wewenang ka Yésus pikeun jadi kapala sidang. Jadi, Yésus kudu tanggung jawab ka Yéhuwa waktu ngajalankeun wewenangna. (1 Kor. 15:27) Yéhuwa gé méré tanggung jawab ka para salaki pikeun jadi kapala kulawarga. Kumaha carana supaya saurang priya bisa jadi kapala kulawarga anu hadé? Supaya bisa jadi kapala kulawarga anu hadé, saurang priya kudu paham naon anu dipikahayang ku Yéhuwa ti manéhna. Manéhna gé kudu apal ku naon Yéhuwa méré wewenang ka jalma-jalma, jeung kumaha carana pikeun nyonto tuladan Yéhuwa sarta Yésus. Ku naon penting pikeun apal kana hal-hal éta? Sabab Yéhuwa geus méré wewenang ka kapala kulawarga, jeung Mantenna hayang maranéhna ngajalankeun wewenangna ku cara nu bener.—Luk. 12:48b, SF. w21.02 2 ¶1-3
Rebo, 28 Séptémber
Kami teh PANGERAN Allah maraneh, anu ngawurukan ka maraneh keur kapentingan maraneh keneh.—Yes. 48:17.
Urang gé bisa nyonto Yéhuwa dina mopohokeun sababaraha hal. Misalna, Yéhuwa téh boga ingetan nu sampurna. Tapi, Mantenna daék ngahampura jeung mopohokeun kasalahan urang lamun urangna daék tobat. (Jab. 25:7; 130:3, 4) Mantenna gé hayang urang mopohokeun kasalahan batur. (Mat. 6:14; Luk. 17:3, 4) Yéhuwa méré hadiah nu luar biasa ka urang, nyaéta otak. Urang hayang ngahargaanana. Tapi, aya nu ngagunakeun otakna keur kapentingan sorangan. Maranéhna nangtukeun sorangan mana nu bener jeung nu salah. Tapi nu nyiptakeun urang téh Yéhuwa, jadi tangtu patokan hirup ti Mantenna leuwih unggul tibatan patokan hirup urang. (Rum 12:1, 2) Lamun nuturkeun patokan hirup ti Mantenna, hirup urang bakal leuwih tengtrem. (Yes. 48:18) Urang gé jadi boga tujuan hirup nu jelas, nyaéta ngamulyakeun jeung nyenangkeun Bapa Yéhuwa nu nyiptakeun urang.—Sil. 27:11. w20.05 24 ¶13-14
Kemis, 29 Séptémber
Sing silih raketan, silih pidulur.—Rum 12:10.
Kumaha carana supaya urang beuki nyaah ka dulur-dulur saiman? Urang kudu beuki kenal ka maranéhna. Ku kituna, urang bakal beuki paham jeung nyaah ka maranéhna. Urang bisa nyobat jeung saha waé, teu sual umur jeung kasang tukangna. Sing inget, Yonatan téh kira-kira 30 taun leuwih kolot tibatan Daud, tapi maranéhna duaan bisa nyobat. Na Sadérék gé daék nyobat jeung dulur saiman nu leuwih kolot atawa leuwih ngora? Mun daék, éta hartina Sadérék ”nyaah ka papada batur sakapercayaan”. (1 Pet. 2:17) Na mikanyaah dulur-dulur saiman téh hartina kabéh anggota sidang kudu jadi sobat dalit urang? Lain kitu. Éta mah mustahil. Teu salah mun urang leuwih deukeut ka sababaraha dulur saiman lantaran boga karesep nu sarua. Baheula gé, Yésus nyebut kabéh rasulna ”sobat”, tapi anjeunna paling deukeut jeung Yohanes. (Yoh. 13:23; 15:15; 20:2) Najan kitu, Yohanes henteu diistiméwakeun ku Yésus.—Mar. 10:35-40. w21.01 23 ¶12-13
Jumaah, 30 Séptémber
Katilikna ku kaula, dina sagala hal urang Atena kacida aribadahnaka dewa-dewa.—Ras. 17:22.
Rasul Paulus nepikeun warta ka urang Yahudi di sinagoga téh teu sarua jeung ka urang nu lain Yahudi di Aténa. Manéhna bener-bener merhatikeun kaayaan sakurilingeunana jeung kabiasaan agama jalma-jalma. (Ras. 17:23) Saterusna, Paulus néangan bebeneran Kitab Suci nu katingalina bisa ditarima ku maranéhna. Jadi, Paulus ngarobah carana ngadeukeutan jalma-jalma. Manéhna ngomong ka urang Aténa yén wartana téh ti ”Allah Nu Tacan Kanyahoan” nu disembah ogé ku maranéhna. Sanajan maranéhna teu apal kana ayat-ayat, Paulus teu nyerah. Tapi, manéhna mandang yén jalma-jalma téh siga pepelakan nu siap dipanén. Jadi, manéhna ngarobah carana nepikeun warta hadé. Siga Paulus, perhatikeun kaayaan. Tingali hal-hal nu bisa ngabantu Sadérék nyaho kapercayaan jalma-jalma di daérah Sadérék. Kumaha jalma-jalma ngahias imah atawa kendaraanana? Tina ngaran, pakéan, dangdanan, istilah-istilah nu diucapkeun ku maranéhna, naha kanyahoan agamana naon? w20.04 9-10 ¶7-8