Oktober
Saptu, 1 Oktober
”Saha anu bisa neuleuman manah Pangeran? Saha anu bisa mere nasehat ka Mantenna?” Tapi urang mah kapan geus kaserepan ku panggalih Kristus.—1 Kor. 2:16.
Waktu urang beuki kenal ka Yésus, urang bakal nyonto cara pikir jeung lalampahanna. Urang bakal beuki akrab jeung Yésus lamun beuki paham jeung miconto cara pikir anjeunna. Kumaha urang bisa nyonto Yésus? Perhatikeun hiji contona. Yésus leuwih mikirkeun kapentingan batur ti batan kapentinganana sorangan. (Mat. 20:28; Rum 15:1-3) Ku sabab sikepna éta, anjeunna teu mentingkeun diri jeung hampuraan. Anjeunna teu gampang kasinggung ku omongan jalma. (Yoh. 1:46, 47) Lamun aya nu nyieun salah, anjeunna tara ngunek-ngunek. Anjeunna gé teu goréng sangka ka jalma nu baheulana pernah nyieun salah. (1 Tim. 1:12-14) Urang kudu boga cara pandang siga Yésus sabab anjeunna nyebutkeun, ”Ku jalan silih pikanyaah jeung babaturan, bakal katara ka sarerea yen maraneh teh murid-murid Kami.” (Yoh. 13:35) Alus lamun urang mikirkeun, ”Naha abdi nyonto Yésus ku cara satékah polah ngajaga karukunan jeung dulur-dulur saiman?” w20.04 24 ¶11
Minggu, 2 Oktober
Maraneh bakal nyucikeun nami Kuring.—Yes. 29:23, ”NW”.
Dunya ieu pinuh ku jalma nu osok mitnah jeung ngahina nami Yéhuwa. Tapi, Sadérék bisa ngabéla nami Yéhuwa jeung méré nyaho batur yén Mantenna téh suci, adil, bageur, jeung nyaahan. Sadérék bisa nunjukkeun yén Sadérék hayang Yéhuwa jadi Pangawasa Sadérék. Carana, bantu jalma-jalma ngarti, ngan ku jalan pamaréntahan Yéhuwa nu adil, dunya bisa bener-bener tengtrem jeung bagja. (Jab. 37:9, 37; 146:5, 6, 10) Urang bisa ngalakukeun cara séjén keur nyucikeun nami Yéhuwa, nyaéta ngajarkeun bebeneran Alkitab ka batur. Urang sering ngajarkeun, ngan Yéhuwa nu boga hak pikeun jadi Pangawasa jagat raya. Mémang, ngajarkeun hukum Allah ka batur téh penting, tapi tujuan utama urang mah ngabantu batur nyaah jeung satia ka Bapa urang, Yéhuwa. Carana, urang kudu ngajarkeun sipat-sipat Yéhuwa supaya batur apal Mantenna téh Allah nu jiga kumaha. (Yes. 63:7) Lamun batur geus nyaah sarta hayang satia ka Yéhuwa, maranéhna bakal kageuing pikeun ngajalankeun paréntah-Na. w20.06 6 ¶16; 7 ¶19
Senén, 3 Oktober
Saha anu maparin letah ka manusa? Nya Kami, PANGERAN.—Bud. 4:11.
Otak manusa téh dirancang sakitu hébatna. Basa masih di jero kandungan kénéh, otak urang geus dibentuk nuturkeun rancangan Allah, sarta unggal menitna, aya ratusan rébu sél anyar nu dibentuk! Ceuk para ahli, dina otak jalma déwasa, aya ampir 100 miliar sél nu disebut neuron. Sél-sél ieu ngabentuk jadi otak, nu beuratna kira-kira 1,5 kg. Salah sahiji kamampuh otak nu hébat pisan téh kamampuh pikeun ngomong. Pék pikirkeun kumaha prosésna urang ngomong. Unggal rék ngucapkeun hiji kecap waé, otak urang kudu ngatur kira-kira 100 otot dina létah, tikoro, biwir, rahang, jeung dada. Supaya urang bisa ngucapkeun kecap-kecap sacara jelas, gerakan kabéh otot éta téh kudu pas. Hiji risét dina taun 2019 nunjukkeun, orok nu kakara lahir gé geus bisa engeuh jeung méré réaksi lamun ngadéngé kecap-kecap. Risét ieu ngadukung naon nu dipercaya ku para ahli, nyaéta ti barang lahir gé, urang geus dibéré kamampuh pikeun diajar basa. Jelas, kamampuh urang pikeun ngomong téh hadiah ti Allah. w20.05 22-23 ¶8-9
Salasa, 4 Oktober
Ibrahim keur ngadago-dago kota anu dirancang jeung diadegkeun ku Allah dina pademen anu kaayaanana tetep.—Ibr. 11:10.
Ibrahim réla ninggalkeun kahirupanna nu genah di kota Ur. Ku naon? Lantaran manéhna ngarepkeun kota dina ”pademen anu kaayaanana tetep”. (Ibr. 11:8-10, 16) Kota nu didago-dago ku Ibrahim téh nyaéta Karajaan Allah. Karajaan éta bakal diparéntah ku Yésus Kristus jeung 144.000 urang Kristen nu diistrénan. Paulus nyebut Karajaan éta sabagé ”kota Allah anu jumeneng, nya eta Yerusalem sawarga”. (Ibr. 12:22; Wahyu 5:8-10; 14:1) Yésus ngajar murid-muridna ngadoakeun supaya Karajaan éta geura maréntah di bumi, sakumaha di sawarga. (Mat. 6:10) Na Ibrahim apal sacara rinci kumaha Karajaan Allah bakal diatur? Henteu. Salila mangabad-abad, éta téh dirasiahkeun. (Epe. 1:8-10; Kol. 1:26, 27) Tapi Ibrahim apal sababaraha turunanana bakal aya nu jadi raja, lantaran Yéhuwa geus ngajangjikeun éta.—Kaj. 17:1, 2, 6. w20.08 2-3 ¶2-4
Rebo, 5 Oktober
Aranjeun geus ngahiji jeung Kristus, ku sabab eta kudu terus ngakar di Anjeunna, mekar di Anjeunna, mingkin percaya ka Anjeunna.—Kol. 2:6, 7.
Urang kudu nolak pangajaran nu murtad. Ti saprak sidang Kristen diadegkeun, Iblis ngagunakeun loba tukang tipu keur ngalemahkeun iman urang Kristen. Jadi, urang kudu bisa ngabédakeun mana nu bener jeung nu bohong. Musuh-musuh urang gé ngagunakeun Internét atawa média sosial supaya urang teu percaya ka Yéhuwa jeung dulur-dulur saiman. Tong katipu ku kabohongan ti Sétan! (1 Yoh. 4:1, 6; Wahyu 12:9) Pikeun nangkis serangan Sétan, urang kudu nguatkeun iman ka Yésus jeung yakin anjeunna digunakeun ku Yéhuwa pikeun ngajalankeun kahayang-Na. Urang gé kudu percaya kana hiji-hijina organisasi nu digunakeun ku Yéhuwa kiwari. (Mat. 24:45-47) Kumaha carana? Kudu rutin diajar Firman Allah. Engké iman urang bakal jiga tangkal nu akarna nanceb pageuh ka jero taneuh. Éta méh sarua jiga surat Rasul Paulus dina ayat poé ieu. w20.07 24 ¶11-12
Kemis, 6 Oktober
Jalma mah nenjo luarna, Kami mah nilik eusina.—1 Sam. 16:7.
Lantaran teu sampurna, urang sok ngukur batur tina rupa luarna. (Yoh. 7:24) Tapi lamun urang nempo ti luarna wungkul, urang ngan nyaho saeutik ngeunaan saurang jalma. Ibaratna kieu, dokter nu ahli jeung loba pangalaman gé ngan bisa nyaho saeutik lamun saukur nempo pasiénna. Lamun hayang nyaho riwayat kaséhatan, parasaan, atawa gejala-gejala nu dirasakeun ku si pasién, manéhna kudu bener-bener ngadéngékeun. Ngarah nyaho jero awak pasién, dokter bisa jadi ménta manéhna di-rontgen. Mun teu kitu, dokter bisa salah nangtukeun panyakitna. Kitu ogé, urang moal bener-bener paham ka dulur-dulur saiman lamun saukur ningali rupa luarna. Urang hayang paham sipat-sipat nu sabenerna. Mémang, urang mah teu bisa bisa maca haté. Tapi, urang bisa satékah polah nyonto Yéhuwa. Mantenna ngadangukeun, mikirkeun kaayaan jeung sagala nu mangaruhan maranéhna, sarta karunyaan ka maranéhna. w20.04 14-15 ¶1-3
Jumaah, 7 Oktober
Ngukur diri kudu reujeungrendah hate.—Rum 12:3.
Urang kudu rendah haté, sabab jalma nu sombong mah teu ngukur diri ku kaayaan nu sabenerna. Jalma nu sombong mah égois jeung sok néang piributeun. Pikiran jeung tindakanna sering nganyenyeri batur jeung dirina sorangan. Mun teu ati-ati, pikiran manéhna bisa dipoékkeun jeung diruksak ku Sétan. (2 Kor. 4:4; 11:3) Ari nu rendah haté mah teu kitu. Manéhna bakal saimbang ngukur dirina, sadar yén masih loba kénéh nu leuwih hébat ti batan manéhna. (Pil. 2:3) Manéhna gé nyaho ”ka jelema nu gumede, Allah teh cua manah-Na. Sabalikna, ka jelema nu daek rendah, Allah maparin berekah”. (1 Pet. 5:5, SF) Jalma nu ngukur diri ku kaayaan sabenerna mah embung ngalawan Yéhuwa. Supaya tetep rendah haté, urang kudu nuturkeun naséhat Alkitab nu nyebutkeun yén ’pribadi [urang] anu heubeul teh piceun, ganti ku kapribadian anu anyar’. Urang kudu diajar tina conto Yésus sarta sabisa-bisa nuturkeun anjeunna.—Kol. 3:9, 10, SF; 1 Pet. 2:21. w20.07 7 ¶16-17
Saptu, 8 Oktober
Sakumaha halna badan, anu diwangun ku rupa-rupa babagian.—1 Kor. 12:12.
Ngagabung jeung umat Yéhuwa téh kahormatan nu luar biasa! Urang ngarasa tengtrem jeung bungah sabab bisa ibadah bareng jeung dulur-dulur saiman di sidang. Naon nu bisa Sadérék lakukeun keur sidang? Rasul Paulus nyaruakeun sidang jeung awak jelema. Manéhna gé nyaruakeun anggota sidang jeung bagian-bagian awak. (Rum 12:4-8; 1 Kor. 12:12-27; Epe. 4:16) Palajaran kahiji tina ibarat Paulus téh nyaéta urang masing-masing dibutuhkeun dina kulawarga Yéhuwa. Mimitina, Paulus nyebutkeun, ”Lir upama badan, hiji tapi anggahotana rupa-rupa, kaayaan urang oge kitu. Lobaan, rupa-rupa, tapi ku sabab geus ngahiji jeung Kristus, urang teh geus dihijikeun jadi sabadan.” (Rum 12:4, 5) Naon maksudna? Sanajan nu bisa dilakukeun ku urang téh béda-béda, urang masing-masing dibutuhkeun di sidang. w20.08 20 ¶1-2, 4
Minggu, 9 Oktober
PANGERAN mariksa, ’Kumaha jalanna?’—1 Rja. 22:22.
Kumaha kolot bisa nyonto tuladan Yéhuwa? Mun kaayaanana cocog, Sadérék bisa ménta usul ka budak ngeunaan carana ngaréngsékeun hiji pagawéan. Terus mun usulna alus, pék tuturkeun. Yéhuwa méré tuladan nu hadé. Misalna, Yéhuwa sabar waktu aya nu nanyakeun putusan-Na ku cara nu sopan. Yéhuwa ngadéngékeun Ibrahim nu hariwang waktu Mantenna mutuskeun rék ngancurkeun Sadumu jeung Gomora. (Kaj. 18:22-33) Terus, perhatikeun kumaha sikep Yéhuwa ka Sarai, pamajikan Ibrahim. Yéhuwa jangji Sarai bakal ngandung najan geus kolot. Sarai nyeungseurikeun jangji éta. Tapi, Yéhuwa teu kasinggung atawa ambek. (Kaj. 18:10-14) Sabalikna, Yéhuwa tetep ngahargaan Sarai. Kumaha indung bapa jeung para kokolot bisa nyonto tuladan Yéhuwa? Misalna, mun budak atawa anggota sidang teu satuju kana putusan Sadérék, Sadérék bakal kumaha? Na bakal langsung ngabéla diri? Atawa daék mikirkeun heula ku naon manéhna teu satuju? Mun Sadérék nyonto tuladan Yéhuwa, kulawarga jeung sidang tangtu bakal meunang mangpaat. w20.08 10 ¶7-9
Senén, 10 Oktober
Kami paling matih ana maneh keur lembek.—2 Kor. 12:9.
Waktu kakara diajar bebeneran, bisa jadi urang daék narima bantuan batur lantaran sadar urang téh masih kudu diajar loba hal. (1 Kor. 3:1, 2) Ari ayeuna kumaha? Mun urang geus lila ngawula Yéhuwa jeung boga loba pangalaman, bisa jadi urang hésé narima bantuan batur. Komo deui, mun nu ngabantu téh nu anyaran jadi Saksi. Tapi urang kudu inget, Yéhuwa sering ngagunakeun dulur-dulur saiman keur nguatkeun urang. (Rum 1:11, 12) Jadi mun hayang dibéré kakuatan ku Yéhuwa, urang kudu daék narima bantuan dulur-dulur saiman.Urang bisa hasil lamun rendah haté jeung ngandelkeun Yéhuwa. Paulus ngarti, nu penting téh lain kuat sacara fisik, sakola luhur, beunghar, atawa boga kasang tukang nu alus. Mugia urang sadaya bisa terus (1) ngandelkeun Yéhuwa, (2) diajar tina tuladan nu aya dina Alkitab, jeung (3) daék narima bantuan ti dulur saiman. Ku kituna teu sual sakumaha lemahna urang, Yéhuwa bakal nyieun urang kuat! w20.07 14 ¶2; 19 ¶18-19
Salasa, 11 Oktober
Muga aranjeun pengkuh nepi ka cacapna . . . Ulah mumulan, kudu nulad ka jelema-jelema anu geus narampa hal anu dijangjikeun ku Allah lantaran percaya, sarta nunggu-nunggu kalayan sabar.—Ibr. 6:11, 12.
Meureun urang sok teu sabar waktu nyaritakeun bebeneran ka baraya nu lain Saksi. Aya prinsip nu alus dina Pandita 3:7, ”Aya waktuna ngajejempe, aya waktuna nyarita.” Mun kalakuan urang hadé, maranéhna jadi leuwih daék ngadéngékeun bebeneran. Tapi, urangna gé kudu siap nyaritakeun bebeneran ka maranéhna iraha waé. (1 Pet. 3:1, 2) Urang mémang kudu sumanget dina ngawawar jeung ngajar, najan kitu urang kudu sabar ka kabéh jalma, kaasup ka baraya. Urang bisa diajar sabar ti jalma-jalma nu satia dina jaman baheula atawa dina jaman ayeuna. Habakuk ngarepkeun kajahatan geura leungit, tapi manéhna tetep sabar. Buktina, manéhna ngomong bakal tetep ’ngadago di munara jaga’. (Hab. 2:1) Paulus gé hayang ”nganggeuskeun” palayananana jeung geura narima upah di sawarga. Tapi, manéhna tetep sabar jeung leukeun ”mertelakeun Injil”.—Ras. 20:24. w20.09 12 ¶12-14
Rebo, 12 Oktober
Yesus taya manah nyasamikeun anjeun jeung Allah.—Pil. 2:6.
Hiji-hijina pribadi nu leuwih kawasa ti Yésus téh ngan Yéhuwa, tapi anjeunna teu pernah nganggap diri leuwih penting ti nu sabenerna. Jiga Yésus, urang bisa leuwih mikanyaah batur. Ceuk Yésus, silih pikanyaah téh ciri umat Allah nu sajati. (Luk. 9:48; Yoh. 13:35) Sadérék bakal kumaha mun ngarasa kokolot teu balég dina ngurus masalah? Ti batan kukulutus, mending Sadérék rendah haté ngadukung maranéhna. (Ibr. 13:17) Pék pikirkeun: ’Na masalahna téh sakitu gedéna nepi ka kudu geura diurus? Na ayeuna téh waktu nu cocog pikeun ngurus masalah éta? Na éta mémang tanggung jawab abdi? Sabenerna naon niat abdi téh, hayang sidang tetep ngahiji atawa hayang katingali hébat?’ Yéhuwa leuwih resep ka nu rendah haté ti batan nu loba pangabisa. Mantenna gé leuwih resep mun sidang ngahiji ti batan kabéh gawéna bener, hasilna alus, tapi papecah. Jadi, sing sabisa-bisa rendah haté. Ku kituna, Sadérék milu ngajaga sidang tetep ngahiji.—Epe. 4:2, 3. w20.07 4-5 ¶9-11
Kemis, 13 Oktober
”Ulah sarieun,” saur Yesus, ”jung bejakeun ka dulur-dulur Kami.”—Mat. 28:10.
Yésus ngahargaan para wanita satia nu ngabantu anjeunna ku ”pangabogana masing-masing”. (Luk. 8:1-3) Anjeunna mbéré nyaho hal-hal penting ngeunaan kahayang Allah. Misalna, ngeunaan Yésus nu bakal maot sarta dihirupkeun deui. (Luk. 24:5-8) Jiga ka para rasul, Yésus gé nyiapkeun maranéhna pikeun nyanghareupan tangtangan nu bakal datang, nyaéta ningali Yésus dikaniaya nepi ka maot. (Mar. 9:30-32; 10:32-34) Terus sanajan para rasul kalabur waktu Yésus ditéwak, sababaraha wanita mah terus maturan Yésus waktu anjeunna sakarat dina tihang siksaan. (Mat. 26:56; Mar. 15:40, 41) Waktu Yésus geus dihirupkeun deui, nu mimiti panggih jeung anjeunna téh para wanita. Terus, Yésus nugaskeun maranéhna pikeun méré nyaho para rasul yén anjeunna geus dihirupkeun deui tina maot. (Mat. 28:5, 9, 10) Bisa jadi, dina Péntakosta 33 M gé, para wanita hadir sarta diistrénan ku roh suci jeung kabéhanana narima kurnia pikeun ngomong dina basa-basa séjén sarta nyaritakeun ”padamelan Allah anu arajaib”.—Ras. 1:14; 2:2-4, 11. w20.09 23 ¶11-12
Jumaah, 14 Oktober
Jaga diri ati-ati, awaskeun pangajaran.—1 Tim. 4:16.
Pangwawaran téh kagiatan nu nyalametkeun kahirupan. Ku naon? Dina Mateus 28:19, 20, Yésus méré paréntah pikeun ’ngadatangan, ngajadikeun murid, jeung ngabaptis’ jalma-jalma. Sakumaha penting baptisan téh? Baptisan téh mangrupa sarat supaya saurang jalma bisa disalametkeun. Jalma nu rék dibaptis kudu yakin yén manéhna bisa salamet téh lantaran Yésus geus maot demi manéhna sarta geus dihirupkeun deui. Éta sababna Rasul Pétrus ngomong ka dulur-dulur saiman, ”Baptisan, anu ngalantarankeun aranjeun ayeuna salamet. . . . Eta teh nyalametkeun aranjeun ku gugahna Yesus Kristus ti nu maraot.” (1 Pet. 3:21) Jadi waktu saurang jalma dibaptis, manéhna boga harepan pikeun disalametkeun jeung hirup langgeng. Pikeun mantuan batur jadi murid Yésus, urang kudu tarampil ngajar. (2 Tim. 2:24, 25) Ku naon? Lantaran Yésus nitah urang ’ngadatangan, ngajadikeun murid, jeung ngajar’ jalma-jalma. Paulus gé ngomong, ”Awaskeun pangajaran.” Ceuk manéhna, kudu ”rajin” ngajalankeunana ”sangkan jamuga, boh hidep pribadi, boh anu ngadengekeun piwuruk-piwuruk hidep”. w20.10 14 ¶1-2
Saptu, 15 Oktober
Ti semet ayeuna maneh bakal ngala jelema.—Luk. 5:10.
Rasul Pétrus diajar supaya resep ngala jelema. Ku bantuan Yéhuwa, Pétrus jadi jago pisan ngala jelema. (Ras. 2:14, 41) Ku naon urang daék ngawawar? Alesan utamana lantaran urang nyaah ka Yéhuwa. Mun nyaah ka Yéhuwa, urang bakal tetep ngawawar sanajan ngarasa teu sanggup ngajalankeun tugas ieu. Waktu ngondang Pétrus pikeun ngala jelema, Yésus ngomong, ”Ulah sieun.” (Luk. 5:8-11) Pétrus teu sieun kana hal nu bakal kaalaman ku manéhna mun jadi murid Yésus. Tapi, manéhna sieun waktu ningali sakitu lobana lauk nu diala ku maranéhna ku bantuan mujijat Yésus. Pétrus jadi ngarasa teu layak mun digawé bareng jeung Yésus. Jiga Pétrus, bisa jadi Sadérék ngarasa sieun mun ngabayangkeun naon waé nu kudu dilakukeun sabagé murid Yésus. Mun kitu, Sadérék kudu beuki nyaah ka Yéhuwa, Yésus, jeung sasama. Ku kituna, Sadérék bakal leuwih hayang narima ondangan Yésus pikeun jadi tukang ngala jelema.—Mat. 22:37, 39; Yoh. 14:15. w20.09 3 ¶4-5
Minggu, 16 Oktober
Ku sabab eta datangan jalma-jalma saalam dunya. . . . Ajar ngalakonan sagala perkara.—Mat. 28:19, 20.
Urang boga tékad pikeun ngorbankeun waktu, tanaga, jeung duit demi néangan jalma-jalma nu ”boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng”. (Ras. 13:48, NW) Mun ngalakukeunana, urang nyonto Yésus. Ceuk anjeunna, ”Dahareun Kami nya eta pagawean ti pangersa anu ngutus, anu kudu dipigawe nepi ka anggeus.” (Yoh. 4:34; 17:4) Urang hayang jiga Yésus, ngajalankeun tugas nu dipercayakeun ka urang nepi ka anggeus. (Yoh. 20:21) Urang gé hayang batur, kaasup nu teu aktif, milu digawé babarengan. (Mat. 24:13) Mémang ngajalankeun tugas ti Yésus ieu téh teu gampang. Tapi, urang henteu sorangan. Yésus jangji, anjeunna bakal nyarengan urang. Waktu ngajalankeun tugas ieu, urang téh jadi ”batur gawéna Allah”. (1 Kor. 3:9, NW) Jadi, urang pasti bisa nganggeuskeunana. Ngajalankeun tugas ieu jeung ngabantu batur ngajalankeunana téh kahormatan nu luar biasa!—Pil. 4:13. w20.11 7 ¶19-20
Senén, 17 Oktober
Yesus beuki ageung, beuki lantip bijaksana, dipikaresep ku Allah jeung ku pada jalma.—Luk. 2:52.
Seringna mah, hal-hal nu dipilih ku kolot téh aya pangaruhna keur kahirupan barudakna. Mun kolot salah milih, barudakna bisa meunang masalah. Mun pilihanana bener, barudakna bisa hirup bagja. Tapi, barudak gé kudu nyieun putusan-putusan nu alus. Naon putusan nu pangalusna téh? Ngawula Bapa urang di sorga, nyaéta Yéhuwa. (Jab. 73:28) Kolotna Yésus hayang barudakna ngawula Yéhuwa. Tina putusan maranéhna sapopoé, katingali yén ngawula Yéhuwa téh hal nu pangpentingna dina kahirupan. (Luk. 2:40, 41, 52) Jiga kolotna, Yésus gé nyieun putusan-putusan nu alus. Jadi, anjeunna bisa ngajalankeun kahayang Yéhuwa. (Mat. 4:1-10) Sanggeus gedé, Yésus jadi jalma nu bageur, satia, jeung wanian. Budak jiga kitu téh budak nu diarep-arep ku kabéh kolot nu soléh. w20.10 26 ¶1-2
Salasa, 18 Oktober
Sing teteg neuteup ka hareup.—Sil. 4:25.
Bayangkeun tilu kaayaan ieu. Saurang sadérék istri nu geus sepuh inget, baheula awakna mani jagjag. Ayeuna mah, manéhna raripuh. Tapi, manéhna tetep ngalakukeun nu panghadéna keur Yéhuwa. (1 Kor. 15:58) Unggal poé, manéhna ngabayangkeun bisa kumpul deui jeung kulawarga sarta babaturanna di Pirdaus. Sadérék istri séjén inget, manéhna pernah dinyenyeri ku dulur saiman. Tapi, manéhna teu teterusan nyimpen kakeuheul. (Kol. 3:13) Terus, saurang sadérék inget, baheula manéhna pernah nyieun kasalahan. Tapi, ayeuna manéhna sabisa-bisa satia ka Yéhuwa. (Jab. 51:12) Kaayaan tilu sadérék tadi téh sarua. Maranéhna inget naon nu geus kajadian baheula. Najan kitu, maranéhna teu teterusan mikirkeunana. Maranéhna ”teteg neuteup ka hareupKu naon urang kudu ”teteg neuteup ka hareup”? Jiga jalma nu keur leumpang, mun bari luak-lieuk ka tukang mah, moal balég leumpangna. Kitu ogé, mun saurang jalma teterusan mikirkeun nu geus liwat, manéhna moal bener ngawula Yéhuwana.—Luk. 9:62. w20.11 24 ¶1-3
Rebo, 19 Oktober
Kacida takaburna dumeh lawanna pantar kitu, lembut jeung kasep.—1 Sam. 17:42.
Goliat téh prajurit nu gagah jeung kuat pisan. Manéhna nganggap Daud lemah. Nya wajar wé, da Goliat téh awakna badag, senjatana lengkep, sarta mémang geus dilatih pikeun perang. Ari Daud mah ngan budak ngora nu katingalina teu bisa nanaon, senjatana gé ngan saayana. Tapi, Daud ngandelkeun kawasa Yéhuwa. Ahirna, manéhna bisa ngéléhkeun Goliat. (1 Sam. 17:41-45, 50) Daud gé boga masalah séjén nu bisa nyieun manéhna ngarasa lemah jeung teu bisa nanaon. Salila ieu Daud satia ka Saul, raja Israil nu dilantik ku Yéhuwa. Mimitina mah, Saul téh ngahargaan Daud. Tapi ka dieunakeun, Saul jadi sombong jeung sirik ka Daud. Saul jadi jahat ka Daud, malah pernah rék maéhan Daud. (1 Sam. 18:6-9, 29; 19:9-11) Sanajan Saul jahat, Daud tetep tunduk ka raja nu geus dilantik ku Yéhuwa ieu. (1 Sam. 24:6) Daud ngandelkeun Yéhuwa sarta ménta dibéré kakuatan sangkan bisa teger nyanghareupan tangtangan nu beurat ieu.—Jab. 18:1. w20.07 17 ¶11-13
Kemis, 20 Oktober
Dina ahir jaman, manéhna [raja kalér] jeung raja kidul bakal silih teunggar.”—Dan. 11:40, ”NW”.
Daniel pasal 11 nyaritakeun sajarah ngeunaan dua raja nu silih lawan, nyaéta raja kalér jeung raja kidul. Nubuat ieu téh lolobana geus laksana, jadi urang bisa yakin bagian nu séjénna ogé pasti laksana. Sangkan paham kana nubuat dina Daniel pasal 11, urang kudu inget yén nu dibahas di dieu téh ngan pangawasa jeung pamaréntahan nu boga pangaruh langsung ka umat Allah atawa nu nganiaya umat Allah. Ku naon? Sabab tujuan utama Sétan jeung dunyana téh nyaéta ngabasmi kabéh nu taat ka Yéhuwa jeung Yésus. (Kaj. 3:15; Wahyu 11:7; 12:17) Salian ti éta, nubuat nu aya dina buku Daniel ogé kudu luyu jeung nubuat-nubuat séjénna dina Firman Allah. Malah, urang bisa boga pamahaman nu bener ngeunaan nubuat Daniél lamun ngabandingkeunana jeung bagian-bagian Alkitab séjénna. w20.05 2 ¶1-2
Jumaah, 21 Oktober
Kumaha ngahirupkeunana deui anu geus maraot? Make badan anu kumaha engkena?—1 Kor. 15:35.
Loba jalma boga pandangan nu béda-béda ngeunaan kahirupan sanggeus maot. Tapi, kumaha ceuk Alkitab? Waktu saurang jalma maot, lila-lila awakna téh ancur. Tapi, pikirkeun ieu: Allah téh sanggup nyiptakeun jagat raya, padahal asalna mah euweuh nanaon. Jadi, Allah gé pasti sanggup ngahirupkeun deui nu maot jeung méré awak nu cocog keur manéhna. (Kaj. 1:1; 2:7) Waktu ngabahas ngeunaan pihudangeunana jalma-jalma di sawarga, Rasul Paulus ngagunakeun hiji ibarat. Paulus rék nunjukkeun, jang ngahirupkeun deui maranéhna, Allah mah henteu ngabutuhkeun awak manusa nu geus ancur. Pikirkeun ngeunaan ”binih” atawa ’siki’ pepelakan. Binih nu dipelak bakal tumuwuh jadi pepelakan nu anyar. Wujudna téh béda pisan jeung binihna. Nya, Allah téh bisa ngatur pitangkaleunana unggal binih. Jadi, Allah gé bisa méré awak keur jalma nu dihirupkeun deui. Terus, Paulus gé ngabédakeun ”wujud anu aya di langit [”sawarga”, NW] jeung wujud anu aya di bumi”. Naon maksudna? Di bumi, urang téh boga awak nu sipatna daging. Ari nu di sawarga mah boga awak nu sipatna roh, jiga para malaikat.—1 Kor. 15:36-41. w20.12 9-10 ¶7-9
Saptu, 22 Oktober
Dugi ka iraha abdi kedah nandangan sungkawa, siang wengi gering pikir?—Jab. 13:3.
Urang kabéh hayang hirup tenang. Euweuh nu hayang hariwang. Tapi sakapeung, urang bisa ngarasa hariwang jiga Raja Daud dina ayat poé ieu. Aya loba hal nu bisa nyababkeun urang hariwang, sababaraha di antarana teu bisa dicegah ku urang. Misalna unggal taun, harga dahareun, pakéan, jeung panyicingan téh naék. Urang teu bisa ngatur hal éta. Urang gé teu bisa ngatur kalakuan batur gawé atawa batur sakola nu sering ngagoda urang supaya teu jujur atawa ngalakukeun hal nu cabul. Terus, urang teu bisa nyegah batur ngalakukeun kajahatan di lingkungan urang. Urang nyanghareupan kabéh hal éta téh lantaran urang hirup di dunya nu kalolobaan jalmana teu nuturkeun prinsip Alkitab. Dunya ieu téh dikawasaan ku Sétan. Manéhna apal, ”kasalempangan hirup” bisa ngahalangan jalma-jalma pikeun ngawula Yéhuwa. (Mat. 13:22; 1 Yoh. 5:19) Jadi, teu héran lamun di dunya ieu aya loba hal nu nyababkeun urang hariwang! w21.01 2 ¶1, 3
Minggu, 23 Oktober
Sing saha anu ngewa ka dulur, eta teh maehan. Ari jelema anu maehan teh teu kaancikan ku hirup langgeng.—1 Yoh. 3:15.
Rasul Yohanes gé méré naséhat supaya urang henteu ngéwa ka dulur saiman. Lamun urang ngéwa, Sétan bakal babari ngadalikeun urang. (1 Yoh. 2:11) Éta nu kaalaman ku sababaraha urang Kristen dina ahir abad kahiji M. Harita, Sétan bébéakan hayang urang Kristen silih pikangéwa jeung papecah. Waktu Yohanes nulis suratna, jalma-jalma nu boga niat jahat jiga Sétan geus nyulusup ka sidang-sidang. Misalna, Diotrépés nu hayang mecah belah sidang. Manéhna teu ngahargaan para kokolot nu diutus ku Badan Pingpinan. Malah, manéhna hayang ngusir dulur saiman nu nyambut jalma-jalma nu teu dipikaresep ku manéhna. Diotrépés téh teungteuingeun pisan! (3 Yoh. 9, 10) Ayeuna gé, Sétan masih bébéakan rék mecah belah umat Allah. Jadi, urang sakuduna ulah nepi ka ngéwa ka dulur saiman. w21.01 11-12 ¶14
Senén, 24 Oktober
Lamun tugasna ngembarkeun amanat geus anggeus, bakal tarung jeung hiji sato ti guha kandungan bumi, tapi eleh nepi ka tiwas duanana.—Wahyu 11:7.
Ti saprak taun 1914, dua raja éta beuki napsu dina silih perangan jeung nyerang umat Allah. Contona dina Perang Dunya I, boh Jerman boh Inggris nganiaya umat Allah sabab embung milu perang. Amerika Serikat ogé ngagebluskeun jalma-jalma nu mingpin kagiatan pangwawaran ka panjara. Panganiayaan ieu téh bukti laksanana nubuat dina Wahyu 11:7-10. Tuluy ti saprak taun 1933, jeung hususna salila Perang Dunya II, raja kalér nyerang umat Allah kalawan kejem. Basa partéy Nazi ngawasa di Jerman, Hitler jeung balad-baladna ngalarang kagiatan umat Allah. Maranéhna maéhan ratusan umat Yéhuwa, sarta ngirim rébuan séjénna ka kamp-kamp konséntrasi. Kajadian ieu geus dinubuatkeun ku Daniél. Raja kalér ”nganajiskeun Bait Allah” jeung ”ngeureunkeun kurban-kurban poean” ku cara ngalarang pangwawaran nu dilakukeun ku umat Yéhuwa. (Dan. 11:30b, 31a) Malah pamingpinna, nyaéta Hitler, sumpah bakal ngamusnakeun umat Allah di Jerman. w20.05 6 ¶12-13
Salasa, 25 Oktober
Sing silih raketan, silih pidulur, jeung silih ajenan.—Rum 12:10.
Mun urang silih pikanyaah jeung dulur-dulur saiman, moal aya nu ngagulkeun diri. Baheula, Yonatan teu parebut tahta jeung Daud sabab manéhna teu nganggap Daud sabagé saingan. (1 Sam. 20:42) Urang kabéh bisa nyonto tuladan Yonatan. Mun aya dulur saiman nu boga kamampuh, ulah dianggap saingan. Tapi ku cara nu rendah haté, urang kudu nganggap manéhna ”leuwih hade ti batan diri sorangan”. (Pil. 2:3) Kabéh anggota sidang téh penting. Lamun urang rendah haté, urang bakal bisa ningali sipat-sipat hadé ti dulur urang jeung nyonto tuladan maranéhna. (1 Kor. 12:21-25) Waktu urang silih pikanyaah, urang bisa bungah ngawula Yéhuwa babarengan. Terus, urang bisa ngabuktikeun yén urang téh murid Yésus. Jalma-jalma nu boga haté nu bener gé jadi bisa katarik pikeun ngawula Yéhuwa. Pangpangna, urang bisa ngamulyakeun Yéhuwa, ”Rama anu maha welas, sarta anu maparin kategeran hate ka manusa”.—2 Kor. 1:3. w21.01 24 ¶14; 25 ¶16
Rebo, 26 Oktober
Maraneh mah ku Kami geus dicokot ti dunya, geus lain bogana deui, jadi dipikageuleuh.—Yoh. 15:19.
Kiwari, umat Yéhuwa gé sok diléléwé sarta dianggap bodo jeung lemah. Ku naon? Lantaran sikep urang béda jeung jalma-jalma di sakuriling urang. Jalma-jalma di dunya mah hayang kapuji, sombong, jeung resep barontak. Ari urang mah ngupayakeun pikeun rendah haté, lembut, jeung taat. Salian ti éta, urang gé teu pipilueun dina urusan pulitik atawa kagiatan militér. Lantaran béda, urang jadi osok dipikageuleuh. (Rum 12:2) Sanajan dunya nganggap urang lemah, Yéhuwa ngagunakeun urang pikeun ngalakukeun hal nu luar biasa. Mantenna mantuan urang pikeun ngalakukeun kagiatan pangwawaran nu panggedéna sapanjang sajarah. Umat Yéhuwa kiwari medalkeun bacaan nu panglobana ditarjamahkeun jeung disebarkeun ka sakuliah dunya. Maranéhna ngagunakeun Alkitab pikeun mantuan jutaan jalma boga kahirupan nu leuwih hadé. Yéhuwa layak dipuji lantaran Mantenna méré kakuatan ka jalma-jalma nu dianggap lemah pikeun ngagawékeun hal-hal nu luar biasa. w20.07 15 ¶5-6
Kemis, 27 Oktober
Kami kudu tumut kana sagala pangersa Rama.—Yoh. 14:31.
Yésus tunduk ka Yéhuwa. Na éta lantaran anjeunna kurang pinter atawa teu bisa nanaon? Henteu! Yésus bisa ngajar ku cara nu saderhana jeung jelas. Ngan jalma nu pinter pisan nu bisa jiga kitu. (Yoh. 7:45, 46) Yéhuwa ngahargaan pisan kamampuh Yésus, ku kituna Mantenna ngidinan Yésus pikeun milu digawé waktu Mantenna nyiptakeun jagat raya. (Sil. 8:30; Ibr. 1:2-4) Terus sanggeus Yésus dihirupkeun deui, Yéhuwa méré ”kakawasaan di sawarga jeung di bumi” ka anjeunna. (Mat. 28:18) Tapi najan Yésus loba pangabisana, anjeunna tetep ménta bingbingan ti Yéhuwa. Ku naon? Sabab anjeunna nyaah ka Bapana. Yéhuwa hayang pamajikan nurut ka salaki lain lantaran Mantenna nganggap wanita leuwih rendah tibatan priya. Buktina, wanita ogé dipilih ku Yéhuwa pikeun maréntah bareng jeung Yésus, teu ngan para priya wungkul. (Gal. 3:26-29) Yéhuwa percaya ka Yésus ku cara méré wewenang ka anjeunna. Kitu ogé, salaki nu bijaksana bakal méré sababaraha wewenang ka pamajikanana. w21.02 10-11 ¶13-14
Jumaah, 28 Oktober
Ceuk urang aranjeunna teh bagja ku kategeranana.—Yak. 5:11.
Firman Allah téh saperti eunteung, ngabantu urang mariksa naon waé nu kudu dirobah dina diri urang. (Yak. 1:23-25) Contona, sanggeus diajar Firman Allah, meureun urang jadi sadar, urang téh gancang ambek jeung kudu nahan émosi. Ku bantuan Yéhuwa, urang diajar kumaha supaya lemah lembut sarta sabar waktu aya masalah atawa waktu aya jalma nu nyieun urang keuheul. Ayeuna, urang jadi leuwih asup akal jeung bisa nyieun putusan nu leuwih alus. (Yak. 3:13) Éta sababna, urang kudu paham kana eusi Alkitab. Tapi kadang, urang kakara nyaho hiji hal salah téh sanggeus urang ngalakukeun kasalahan éta. Aya cara nu leuwih alus supaya urang bisa boga hikmat. Urang bisa diajar tina pangalaman batur. Urang bisa ningali kumaha jadina waktu manéhna ngalakukeun nu bener jeung waktu manéhna ngalakukeun nu salah. Éta sababna Yakobus ngajurung supaya urang diajar tina conto-conto nu aya dina Alkitab, saperti Ibrahim, Rahab, Ayub, jeung Élias. (Yak. 2:21-26; 5:10, 11, 17, 18) Maranéhna téh nyanghareupan tangtangan nu bisa ngarampas kabungah. Tapi, maranéhna bisa tetep satia jeung teger. Urang gé bisa kitu ku bantuan Yéhuwa. w21.02 29-30 ¶12-13
Saptu, 29 Oktober
Tong asa-asa menta heula nasehat, sangkan hasil anu diseja. Rek tarung ge ulah ujug-ujug der,kudu asak tatahar heula.—Sil. 20:18.
Nu utamana boga tanggung jawab pikeun mantuan palajar Alkitab paham kana Firman Allah téh, nya guru Alkitabna. Jadi mun Sadérék diajak ku pawarta séjén ka palajarna, tugas Sadérék téh nyaéta ngan mantuan manéhna. (Pan. 4:9, 10) Tapi, naon nu bisa dilakukeun? Kudu persiapan. Tanyakeun heula ka guruna, palajar Alkitabna téh jiga kumaha? Agamana naon? Umurna sabaraha? Kulawargana jiga kumaha? Engké rék ngabahas naon? Naon nu rék ditandeskeun? Abdi kudu ngalakukeun atawa ngomong naon teu? Atawa, aya nu ulah dilakukeun jeung diomongkeun teu? Naon nu bisa abdi lakukeun pikeun ngabantu palajar nyieun kamajuan? Guruna bakal nyaritakeun palajarna téh jiga kumaha, tapi moal méré nyaho hal-hal nu sipatna rasiah. Saurang utusan injil nu ngaranna Joy ngomong, ”Mun abdi nyaritakeun ngeunaan palajar Alkitab abdi, pawarta nu maturan téh bakal leuwih sumanget mantuan palajar, jeung nyaho naon nu perlu diomongkeun.” w21.03 9 ¶5-6
Minggu, 30 Oktober
Lamun dunya geuleuheun ka maraneh, sing aringet yen eta teh lantaran geus geuleuheun tiheula ka Kami.—Yoh. 15:18.
Kadang urang gé dipikangéwa sabab nuturkeun patokan hirup ti Allah, anu béda pisan jeung patokan hirup ti dunya ieu. Misalna, ayeuna geus loba jalma nu mikir yén ngalakukeun hal cabul téh biasa-biasa waé, teu salah. Padahal, baheula Sadumu jeung Gomora dibinasakeun téh gara-gara loba nu ngalakukeun hal cabul! (Yud. 7) Lantaran urang nyekel pageuh patokan hirup tina Alkitab, loba anu moyokan jeung nganggap urang teu ngahargaan batur. (1 Pet. 4:3, 4) Naon anu bisa ngabantu urang tetep teger najan dipikangéwa jeung dihina ku batur? Urang kudu boga iman yén Yéhuwa bakal nulungan urang. Jiga taméng, iman téh bisa ”mareumkeun panah-panah seuneu anu dilepas ku si Jahat”. (Epe. 6:16) Tapi, iman wungkul teu cukup. Urang gé butuh kanyaah. Ku naon? Lantaran jalma anu boga kanyaah mah ”tara panasan”. Manéhna sabar jeung tabah waktu dinyenyeri. (1 Kor. 13:4-7, SF; 1 Kor. 13:13) Nyaah ka Yéhuwa, ka dulur saiman, jeung ka musuh bakal ngabantu urang tetep teger najan dipikangéwa. w21.03 20-21 ¶3-4
Senén, 31 Oktober
Kudu bisa ngadalian amarah, sabab barangasan mah tabeat jelema gejul.—Pan. 7:9.
Tapi, kanyaah gé bisa dibuktikeun liwat hal-hal nu henteu dilakukeun ku urang. Misalna, urang moal babari kasinggung ku omongan dulur saiman. Pikirkeun hiji kajadian basa Yésus di bumi. Anjeunna ngomong ka murid-murid, supaya bisa meunangkeun hirup, maranéhna kudu ngadahar daging jeung nginum getih anjeunna. (Yoh. 6:53-57) Murid-murid rareuwaseun, jeung loba anu ninggalkeun anjeunna. Tapi, sobat-sobatna Yésus mah tetep satia. Maranéhna teu ngarti naon maksud omongan Yésus. Maranéhna gé jigana mah reuwaseun ngadéngé omongan Yésus. Tapi, maranéhna teu nganggap omongan Yésus salah, jeung jadi lemah iman. Najan teu ngarti, maranéhna percaya ka Yésus, sabab yakin yén omongan anjeunna téh bebeneran. (Yoh. 6:60, 66-69) Jadi, urang gé ulah gancang kasinggung ku omongan batur. Urang kudu méré kasempetan ka maranéhna pikeun ngajelaskeun maksud omonganna.—Sil. 18:13. w21.01 11 ¶13