PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es23 kaca 26-36
  • Maret

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Maret
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2023
  • Subjudul
  • Rebo, 1 Maret
  • Kemis, 2 Maret
  • Jumaah, 3 Maret
  • Saptu, 4 Maret
  • Minggu, 5 Maret
  • Senén, 6 Maret
  • Salasa, 7 Maret
  • Rebo, 8 Maret
  • Kemis, 9 Maret
  • Jumaah, 10 Maret
  • Saptu, 11 Maret
  • Minggu, 12 Maret
  • Senén, 13 Maret
  • Salasa, 14 Maret
  • Rebo, 15 Maret
  • Kemis, 16 Maret
  • Jumaah, 17 Maret
  • Saptu, 18 Maret
  • Minggu, 19 Maret
  • Senén, 20 Maret
  • Salasa, 21 Maret
  • Rebo, 22 Maret
  • Kemis, 23 Maret
  • Jumaah, 24 Maret
  • Saptu, 25 Maret
  • Minggu, 26 Maret
  • Senén, 27 Maret
  • Salasa, 28 Maret
  • Rebo, 29 Maret
  • Kemis, 30 Maret
  • Jumaah, 31 Maret
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2023
es23 kaca 26-36

Maret

Rebo, 1 Maret

Sagala nu dilampahkeun ku maranéh ka salah sahiji dulur urang nu pangleutikna, éta sarua jeung ngalampahkeunana ka urang.​—Mat. 25:40.

”Domba” nu aya dina Matius 25:31-36 téh ngamaksudkeun jalma-jalma bener dina ahir jaman nu boga harepan pikeun hirup di bumi. Maranéhna disebut domba-domba lian. Maranéhna satia ngadukung dulur-dulurna Al-Masih nu hirup kénéh di bumi ku cara ngadukung kaom nu diistrénan nu ngatur kagiatan ngawawar jeung ngajadikeun murid di sakuliah dunya. (Mat. 24:14; 28:19, 20) Unggal taun, sababaraha minggu saacan acara Pangéling-ngéling, domba-domba lian ngadukung dulur-dulurna Al-Masih ku cara miluan kagiatan husus pikeun ngondang jalma-jalma ka acara Pangéling-ngéling. Maranéhna gé nyiapkeun sagala kaperluan acara Pangéling-ngéling. Domba-domba lian bungah pisan bisa ngadukung dulur-dulurna Al-Masih. Maranéhna apal, keur Isa mah, naon nu dilampahkeun keur dulur-dulurna ieu téh sarua jeung ngalampahkeunana keur Isa.​—Mat. 25:37-40. w22.01 22 ¶11-12

Kemis, 2 Maret

Saha waé nu ningali urang sarua jeung ningali Bapa.​—Yah. 14:9.

Jadi, urang bisa nyonto sipat jeung sikep Yésus ka batur. Misalna, anjeunna téh karunyaan ka jalma nu katerap ku panyakit lépra. Anjeunna gé rasrasan ka awéwé nu gering parah. Salian ti éta, Yésus gé milu sedih ka jalma nu sungkawa. (Mar. 1:40, 41; 5:25-34; Yoh. 11:33-35) Mun urang nyonto tuladan Yésus, éta hartina urang gé keur nyonto tuladan Yéhuwa. Mun sipat urang beuki mirib jeung Yéhuwa, urang gé beuki deukeut jeung Mantenna. Lamun urang nuturkeun tuladan Yésus, urang téh moal kapangaruhan ku dunya. Dina peuting saacan Yésus maot, anjeunna ngomong kieu, ”Dunya geus eleh ku Kami.” (Yoh. 16:33) Yésus téh teu kapangaruhan ku cara pikir, kahayang, jeung kalakuan jalma-jalma di ieu dunya. Tapi, Yésus téh terus mikirkeun naon tujuan anjeunna diutus ka bumi, nyaéta pikeun nyucikeun nami Yéhuwa. Ari urang kumaha? Di dunya ieu téh aya loba hal nu bisa nyababkeun urang teu satia ka Yéhuwa. Tapi lamun urang nyonto Yésus pikeun terus ngalakukeun kahayang Yéhuwa, urang gé bakal bisa ”ngelehkeun” dunya.​—1 Yoh. 5:5. w21.04 3-4 ¶7-8

Jumaah, 3 Maret

Moal aya nu bisa megatkeun urang tina kanyaah Allah.​—Rm. 8:39.

Rasul Paulus nyaho, Yésus geus jangji yén ”sakur anu percaya ka [Yésus] . . . meunang hirup langgeng”. (Yoh. 3:16; Rum 6:23) Paulus pasti salah sahiji jalma ti sakur anu boga iman kana tebusan. Manéhna yakin, Yéhuwa hayang pisan ngahampura jalma-jalma anu bener-bener tobat najan geus nyieun dosa gedé. (Jab. 86:5) Paulus yakin, Allah nyaah pisan ka manéhna nepi ka réla ngorbankeun Kristus. Perhatikeun kekecapan Paulus dina bagian ahir Galata 2:20. Paulus ngomong, ”Putra Allah . . . geus ngurbankeun hirup-Na ku anjeun ku tina asih-Na ka sim kuring.” Najan baheulana Paulus ngalakukeun dosa gedé, manéhna teu mikir Allah moal nyaah ka manéhna. Paulus gé henteu mikir, ’Wajar mun Yéhuwa nyaah ka dulur saiman nu séjén, tapi ka urang mah asa mustahil.” Paulus gé ngingetan urang Rum, ”Kristus pupus ngaganti urang sajeroning urang keur hirup keneh dina dosa.” (Rum 5:8) Nya, kanyaah Allah téh euweuh watesna! Paulus yakin pisan yén Yéhuwa bener-bener nyaah ka urang kabéh. Paulus gé apal yén Yéhuwa geus ngahampura manéhna. w21.04 22 ¶8-10

Saptu, 4 Maret

Nyaah ka Allah téh hartina ngajalankeun paréntah-paréntah-Na.​—1 Yah. 5:3.

Bantu palajar Alkitab pikeun nyaah ka Yéhuwa. Kumaha carana? Sing sering ngabahas sipat-sipat Yéhuwa. Bantu palajar Alkitab supaya manéhna bisa ningali yén Yéhuwa téh Allah anu bagja, anu resep nulungan saha waé anu nyaah ka Mantenna. (1 Tim. 1:11, NW; Ibr. 11:6) Jelaskeun yén Yéhuwa gé bisa nulungan manéhna. Éta téh bukti Yéhuwa nyaah ka manéhna. (Yes. 48:17, 18) Lamun kanyaah palajar Alkitab ka Yéhuwa beuki gedé, manéhna gé bakal beuki sumanget dina nyieun parobahan nu dibutuhkeun. Supaya bisa dibaptis, palajar Alkitab kudu nyieun pangorbanan. Sababaraha palajar kudu ngorbankeun hartana. Mun kitu, manéhna kudu néangan pagawéan séjén. Terus, aya ogé palajar anu kudu ninggalkeun babaturanana nu teu nyaah ka Yéhuwa. Nu séjénna meureun ditinggalkeun ku kulawargana nu teu resep ka Saksi Yéhuwa. Yésus apal, nyieun pangorbanan jiga kitu téh teu gampang. Tapi Yésus jangji, jalma-jalma nu jadi muridna moal kuciwa, justru maranéhna bakal narima berkah anu gedé, nyaéta dibéré kulawarga rohani.​—Mar. 10:29, 30. w21.06 4 ¶8-9

Minggu, 5 Maret

Sok tempo éta lahan, geus barodas siap dipanén.​—Yah. 4:35.

Rasul Paulus nyaruakeun pagawéan ngajadikeun murid siga ngurus pepelakan. Jadi, teu cukup ngan saukur melak binih hungkul. Manéhna ngingetan urang Korinta, ”Sim kuring anu melakeunana, Apolos anu nyiramanana, . . . ari aranjeun minangka lahan kagungan Allah.” (1 Kor. 3:6-9) Sabagé pagawé di ”lahan kagungan Allah”, tugas urang teu ngan saukur melak binih hungkul, maksudna lain ngawawar hungkul. Urang ogé kudu nyiramanana, maksudna urang kudu ngajarkeun bebeneran. Tapi, urang apal nu numuwuhkeunana mah Yéhuwa. Urang dibéré kahormatan nu luar biasa pikeun ngawawar jeung ngajarkeun bebeneran! Urang bener-bener bungah waktu ngajalankeun tugas ieu. Baheula, Rasul Paulus ngabantu loba jalma di Tésalonika pikeun jadi murid. Manéhna ngomong, ”Nya aranjeun anu bisa ngabungahkeun hate jeung ngagedekeun harepan sim kuring, jeung anu bisa diagulkeun ku sim kuring ka payuneun Yesus Gusti urang, engke ari Anjeunna geus sumping. Enyaan sim kuring kacida bungahna jeung agulna ku aranjeun teh.”​—1 Tes. 2:19, 20; Ras. 17:1-4. w21.07 3 ¶5; 7 ¶17

Senén, 6 Maret

Kadé, ulah nyapirakeun jalma-jalma nu siga budak leutik ieu.​—Mat. 18:10.

Yéhuwa geus narik urang kabéh ka Mantenna. (Yoh. 6:44) Naon maksudna? Yéhuwa merhatikeun miliaran jalma di sakuliah dunya. Tapi, Yéhuwa ningali Sadérék téh istimewa. Sadérék téh hadé haté sarta bakal nyaah ka Mantenna. (1 Bab. 28:9) Yéhuwa bener-bener paham jeung nyaah ka Sadérék. Mun mikirkeun éta hal, urang pasti jadi gedé haté! Yéhuwa nyaah pisan ka Sadérék. Yéhuwa gé nyaah pisan ka dulur-dulur saiman nu séjén. Pikeun ngagambarkeun hal ieu, Yésus nyaruakeun Yéhuwa jiga saurang pangangon. Lamun saurang pangangon boga domba 100, terus leungit 1, naon anu bakal dilakukeunana? Manéhna ”tangtu indit neangan nu hiji, nu salapan puluh salapan diantep heula nyaratuan di lamping pasir”. Terus, mun domba nu hiji éta geus kapanggih, manéhna moal nyarékan éta domba, justru bakal bungah. Naon palajaranana? Unggal domba téh penting keur Yéhuwa. Ceuk Yésus, ”Rama maraneh di sawarga oge kitu. Kahoyong-Na ulah aya saurang-urang acan umat-Na anu laleutik keneh anu leungit ti Mantenna.”​—Mat. 18:12-14. w21.06 20 ¶1-2

Salasa, 7 Maret

Pék ngaraket ka Allah.​—Yak. 4:8.

Lamun urang kanyaah Allah nu teu aya ahirna, urang téh bakal leuwih nyaah ka Yéhuwa. Urang gé bakal leuwih raket ka Anjeunna. (Rm. 8:38, 39) Urang kajurung pikeun nuturkeun tuladan Isa. (1 Pét. 2:21) Sababaraha poé saacan acara Pangéling-ngéling, urang maca ayat-ayat Alkitab nu nyaritakeun ngeunaan ahir palayanan Isa di bumi, waktu manéhna dipaéhan, sarta waktu dihirupkeun deui. Terus pas acara Pangéling-ngélingna, aya hutbah nu ngingetkeun urang kana kanyaah Isa ka urang. (Éf. 5:2; 1 Yah. 3:16) Waktu urang maca jeung ngalenyepan pangorbanan Isa, urang ogé pasti hayang ”nuturkeun lampah manéhna”. (1 Yah. 2:6) Urang hayang terus jadi sobat nu dipikanyaah ku Allah. (Yud. 20, 21) Urang bisa terus jadi sobat Allah lamun urang taat ka Anjeunna, nyucikeun nami-Na, jeung nyenangkeun haté Anjeunna. (Sil. 27:11; Mat. 6:9; 1 Yah. 5:3) Acara Pangéling-ngéling bisa ngajurung urang pikeun ngajaga laku lampah urang unggal poéna. Ku kituna, saolah-olah urang ngomong kieu ka Yéhuwa, ’Abdi hoyong jadi sobat Gusti salilana!’ w22.01 23 ¶17; 25 ¶18-19

Rebo, 8 Maret

Puguhkeun . . . rek milih ngabakti ka saha.​—Yos. 24:15.

Yéhuwa geus méré kabébasan pikeun milih ka urang. Urang bisa milih rék ngalakukeun naon dina kahirupan. (Jab. 84:12; Sil. 27:11) Urang gé bisa milih pikeun ngalakukeun hal-hal hadé séjénna dina kahirupan. Urang bisa nuturkeun tuladan Yésus ku cara ngutamakeun kapentingan batur. Sakali waktu, Yésus jeung rasul-rasulna téh capé pisan, terus maranéhna indit ka tempat anu sepi pikeun istirahat. Tapi, maranéhna teu bisa istirahat. Gorombolan jalma nyampeurkeun maranéhna sarta hayang diajar ku Yésus. Yésus teu keuheul ka jalma-jalma éta, justru ngarasa karunya. Naon anu Yésus lakukeun? ”Prak bae ku Anjeunna diwulang rupa-rupa hal.” (Mar. 6:30-34) Mun urang nyonto Yésus ku cara réla ngorbankeun tanaga jeung waktu demi mantuan batur, urang téh ngamulyakeun Bapa urang nu di sawarga.​—Mat. 5:14-16. w21.08 3 ¶7-8

Kemis, 9 Maret

Masing-masing kudu . . . ngarasa bungah lantaran naon nu dilakukeunana, lain lantaran ngabanding-bandingkeun diri jeung batur.​—Gal. 6:4.

Yéhuwa teu hayang kabéh hal atawa kabéh jalma sarua. Éta katingali tina ciptaana-Na, kaasup manusa. Euweuh jalma nu percis jiga Sadérék. Jadi, Yéhuwa moal ngabanding-bandingkeun Sadérék jeung batur. Yéhuwa apal Sadérék téh jalma nu jiga kumaha. (1 Sam. 16:7) Terus, Yéhuwa gé apal naon nu bisa jeung nu teu bisa Sadérék lakukeun, sarta kumaha cara Sadérék digedékeun. Salian ti éta, Yéhuwa moal ménta Sadérék ngalakukeun hiji hal nu di luar kasanggupan Sadérék. Nah, urang gé kudu mandang diri sorangan jiga cara Yéhuwa mandang urang. Ku kituna, urang jadi bisa ngukur diri ku ”kaayaan anu sabenerna”. Urang moal ngarasa diri euweuh hargaan atawa ngarasa diri leuwih hébat tibatan batur. (Rum 12:3) Nya mémang, urang bakal meunang loba mangpaat lamun ningali tuladan dulur saiman nu tarampil dina dines. (Ibr. 13:7) Urang bisa diajar ti maranéhna supaya urang gé tarampil dina dines. (Pil. 3:17) Tapi kadé, katarampilan maranéhna ulah dijadikeun patokan pikeun ngukur diri urang. Lamun urang ngabanding-bandingkeun diri jiga kitu, urang bisa jadi sirik, leutik haté, atawa malah ngarasa diri euweuh hargaan. w21.07 20 ¶1-2

Jumaah, 10 Maret

Coba tanggah ka angkasa! Saha nu nyiptakeun bentang-bentang?​—Yes. 40:26.

Sadérék bakal boga iman ka Nu Nyipta lamun merhatikeun sasatoan, tatangkalan, jeung béntang-béntang. (Jab. 19:2) Beuki sering Sadérék merhatikeun hal-hal éta, Sadérék bakal beuki yakin yén Yéhuwa téh Nu Nyipta. Waktu diajar ngeunaan ciptaan, urang bisa apal Nu Nyipta téh Pribadi nu jiga kumaha. (Rum 1:20) Contona, panonpoé bisa nyaangan bumi jeung ngajaga bumi supaya tetep haneut. Tapi, aya sinar ultraviolet tina panonpoé anu bisa ngabahayakeun urang. Jadi, urang butuh panyalindungan. Nah, bumi urang téh boga taméng pikeun ngalindungan urang. Aya lapisan gas nu disebut ozon, anu ngurilingan bumi nu ngajaga urang tina sinar ultraviolet. Beuki gedé radiasi tina sinar ultraviolet, lapisan ozon-na gé bakal beuki kandel. Tina conto ieu, na Sadérék satuju yén aya Pribadi anu nyaahan jeung pinter nu geus nyiptakeun ieu kabéh? w21.08 17 ¶9-10

Saptu, 11 Maret

Jalma nu nyaah ka Allah kudu nyaah ogé ka dulurna.​—1 Yah. 4:21.

Lamun saurang jalma geus dibaptis, urang gé kudu tetep nyaah jeung ngahargaan manéhna. (1 Yoh. 4:20) Kumaha carana? Misalna, urang kudu percaya ka manéhna. Terus mun urang teu ngarti ku naon manéhna ngalakukeun hiji hal, urang moal mikir manéhna téh boga niat goréng atawa mentingkeun diri. Justru, urang bakal ngahargaan manéhna jeung nganggap manéhna téh leuwih hadé tibatan urang. (Rm. 12:10; Pil. 2:3) Urang kudu bageur jeung welas asih ka kabéh jalma. Lamun urang hayang salilana jadi kulawargana Yéhuwa, urang kudu ngalarapkeun Firman Allah. Misalna, Yésus ngajarkeun urang kudu bageur jeung welas asih ka kabéh jalma, kaasup ka musuh urang. (Luk. 6:32-36) Tapi kadang, meureun urang ngarasa éta téh teu gampang. Lamun kitu, urang kudu diajar pikeun mikir jeung nyieun tindakan jiga Yésus. Mun urang sabisa-bisa taat ka Yéhuwa sarta nuturkeun tuladan Yésus, urang nunjukkeun ka Bapa urang di sawarga yén urang hayang salilana jadi kulawarga-Na. w21.08 6 ¶14-15

Minggu, 12 Maret

Pek Kami uji, engke maraneh narenjo Kami mukakeun jandela-jandela sawarga.​—Mal. 3:10.

Kudu ngandelkeun Yéhuwa. Yéhuwa jangji bakal méré loba berkah ka jalma-jalma nu percaya sarta daék méré nu panghadéna keur Mantenna. Alkitab nyaritakeun loba hamba Allah dina jaman baheula anu ngalakukeun nu panghadéna keur Yéhuwa. Kalolobaan ti maranéhna kudu upaya heula, kakara meunang berkah ti Yéhuwa. Misalna Ibrahim. Manéhna meunang berkah sanggeus ninggalkeun imahna ”bari teu uninga kudu ngajugjug ka mana”. (Ibr. 11:8) Terus Yakub. Manéhna diberkahan ku Yéhuwa sanggeus gelut jeung malaikat. (Kaj. 32:24-30) Salian ti éta, waktu urang Israil rék asup ka Tanah Perjangjian, para imam kudu ngancrubkeun heula suku kana walungan éta, kakara urang Israil bisa meuntasan Walungan Yordan. (Yos. 3:14-16) Urang gé bisa diajar ti sadérék-sadérék dina jaman ayeuna anu ngandelkeun Yéhuwa jeung ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan. w21.08 29-30 ¶12-14

Senén, 13 Maret

Kade ulah nanya, ”Naha nya baheula mah jaman teh leuwih hade ti batan ayeuna?”​—Pan. 7:10.

Sadérék nu sepuh, Sadérék boga loba pangalaman. Tapi bisa jadi ayeuna aya sababaraha parobahan, jadi Sadérék kudu diajar hal-hal nu anyar. Lamun Sadérék kakara dibaptis, Sadérék gé bisa ngabantu batur ku cara nyaritakeun kumaha bungahna bisa wanoh ka Yéhuwa. Lamun Sadérék resep ”barangbéré” atawa daék ngabagikeun pangalaman jeung hikmat, sadérék nu leuwih ngora pasti bakal ngahargaanana sarta Yéhuwa gé bakal ngaberkahan Sadérék. (Luk. 6:38) Lamun sadérék nu sepuh daék nyobat jeung sadérék nu leuwih ngora, maranéhna bisa silih kuatkeun. (Rm. 1:12) Salian ti éta, unggal jalma téh boga kaunggulanana sorangan. Salila hirupna, sadérék nu sepuh geus boga loba pangalaman jeung hikmat. Ari nu ngora, boga awak nu kuat kénéh. Jadi waktu nu sepuh jeung nu leuwih ngora daék silih bantu, maranéhna bisa ngamulyakeun Bapa di sorga jeung mawa berkah keur sidang. w21.09 8 ¶3; 13 ¶17-18   

Salasa, 14 Maret

Urang-urang mah nguarkeun warta ngeunaan Al-Masih nu dipaéhan dina tihang. Warta éta hésé ditarima ku urang Yahudi.​—1 Kor. 1:23.

Ku naon cara maotna Yésus jadi masalah keur maranéhna? Yésus téh maotna dina tihang, jadi Yésus dianggap sabagé penjahat jeung jalma anu dosa, lainna Mésias. (Pam. 21:22, 23) Urang Yahudi nu nolak Yésus harita téh teu paduli kana kanyataan yén anjeunna teu salah jeung anjeunna geus dipitnah. Para hakim dina Mahkamah Agung Yahudi ngahakiman Yésus ku cara nu teu adil. Maranéhna gé henteu nuturkeun aturan dina pangadilan. (Luk. 22:54; Yoh. 18:24) Maranéhna henteu mariksa heula tuduhan anu ditujukeun ka Yésus. Terus, maranéhna gé kalah ka ”neangan bukti palsu anu bisa ngalantarankeun Yesus dihukum pati”. (Mat. 26:59; Mar. 14:55-64) Terus waktu Yésus geus dihirupkeun deui, para hakim nu teu jujur ieu méré ”duit gede pisan” pikeun nyogok para prajurit Rum. Maranéhna hayang para prajurit nyebarkeun kabohongan yén murid-murid Yésus geus maok mayit anjeunna.​—Mat. 28:11-15. w21.05 11 ¶12-13

Rebo, 15 Maret

Ngeunaan poé jeung jamna euweuh nu nyaho, para malaikat di sorga jeung Putra gé teu nyaho, ngan Bapa nu nyaho.​—Mat. 24:36.

Sabenerna, Yéhuwa bisa ngancurkeun dunya nu jahat ieu iraha waé, tapi untungna Mantenna sabar. Éta téh berkah keur urang. Waktu dilahirkeun, kabéh turunan Adam jeung Hawa téh henteu sampurna. Tapi, Yéhuwa tetep nyaah jeung merhatikeun maranéhna. Anjeunna geus jangji bakal nganggeuskeun dunya nu jahat ieu. (1 Yoh. 4:19) Terus, Yéhuwa geus nangtukeun iraha Mantenna bakal nyingkirkeun sagala hal anu nyababkeun manusa sangsara. Jadi, sakuduna kanyaah Yéhuwa ieu ngagerakkeun urang pikeun terus tabah nepi ka kabéh kasangsaraan urang leungit. Yéhuwa téh tuladan anu sampurna dina hal katabahan. Yésus nyonto katabahan Bapana. Waktu hirup di bumi, Yésus dihina, direndahkeun, jeung dipaéhan dina tihang demi urang. (Ibr. 12:2, 3) Yésus bisa tabah sabab ningali katabahan Yéhuwa. Urang gé bisa kitu. w21.07 12-13 ¶15-17

Kemis, 16 Maret

Kudu terus karunyaan, siga Bapa maranéh ogé karunyaan.​—Luk. 6:36.

Unggal poé, urang ngarasakeun sipat hampuraan ti Bapa urang nu di sorga. (Jab. 103:10-14) Baheula gé murid-murid Isa téh teu sampurna, tapi Isa tetep daék ngahampura maranéhna. Malah, Isa daék ngorbankeun kahirupanana supaya urang bisa dihampura. (1 Yah. 2:1, 2) Urang bisa leuwih nyaah ka dulur-dulur saiman lamun urang ”iklas silih hampura”. (Éf. 4:32) Tapi sakapeung mah ngahampura téh teu gampang, jadi éta kudu bener-bener diusahakeun. Saurang sadérék istri ngarasa kabantu waktu manéhna maca artikel Menara Pengawal anu judulna ”Ampunilah Satu Sama Lain dengan Lapang Hati”. Ceuk manéhna, ”Artikel ieu méré nyaho ngahampura téh lain hartina urang satuju kana kasalahanana atawa nganggap éta teu nganyenyeri urang. Tapi ngahampura téh hartina urang henteu teterusan keuheul jeung haté urang tetap tenang.” Jadi lamun urang ngahampura dulur-dulur saiman, urang téh némbongkeun kanyaah ka maranéhna jeung nyonto Bapa urang, Yéhuwa. w21.09 23-24 ¶15-16

Jumaah, 17 Maret

Jalma-jalma nu nyembah Anjeunna nyembahna téh kudu sajalan jeung . . . hal-hal nu bener.​—Yah. 4:24.

Isa téh cinta kana bebeneran, boh bebeneran ngeunaan Allah boh ngeunaan tujuana-Na. Cara hirup Isa némbongkeun manéhna téh percaya kana éta bebeneran. Manéhna gé nguarkeun éta bebeneran ka batur. (Yah. 18:37) Murid-murid Isa baheula gé cinta pisan kana bebeneran. (Yah. 4:23) Malah, Rasul Pétrus nyebutkeun yén cara hirup urang Kristen téh nyaéta ”jalan nu bener”. (2 Pét. 2:2) Ku karana cintana kana bebeneran, urang Kristen nu mimiti embung nuturkeun pangajaran agama, adat kabiasaan, atawa pamikiran jelema-jelema nu teu sajalan jeung bebeneran. (Kol. 2:8) Kiwari gé kitu, urang Kristen nu sajati ngusahakeun sakuat tanaga pikeun ”terus aya di jalan nu bener”. Maranéhna mastikeun kapercayaan jeung cara hirupna sajalan jeung Firman Yéhuwa. (3 Yah. 3, 4) Umat Allah kiwari teu pernah ngomong yén maranéhna téh bener-bener paham kana bebeneran. Sakapeung, maranéhna gé bisa salah dina méré pituduh jeung ngajelaskeun pangajaran Alkitab. Waktu Badan Pingpinan sadar aya pamahaman nu kaliru, maranéhna langsung nyieun parobahan. w21.10 21-22 ¶11-12

Saptu, 18 Maret

Anu ngandel ka PANGERAN, bakal ditangtayungan ku satia asih-Na.​—Jab. 32:10.

Siga bénténg di jaman baheula nu bisa ngalindungan jalma-jalma ti serangan musuh, kaasih Allah nu langgeng gé ngalindungan urang ti bahaya-bahaya nu bisa ngaruksak hubungan urang jeung Yéhuwa. Terus, lantaran kaasih-Na nu langgeng, Yéhuwa narik urang pikeun ngaraket ka Anjeunna. (Yer. 31:3) Nu nulis Jabur, nyaéta Daud, ngagunakeun kekecapan séjén pikeun ngajelaskeun kumaha Yéhuwa ngalindungan umat-Na. Manéhna nulis kieu, ”Panyalindungan abdi teh Allah, Allah nu asih ka abdi.” Salian ti éta, Daud gé ngomong, ”Kaasih Anjeunna ka abdi téh langgeng sarta Anjeunna téh bénténg abdi, panyalindungan jeung jurusalamet abdi, taméng jeung tempat nu aman keur abdi.” (Jab. 59:18; 144:2, NW) Naon hubunganana kaasih Yéhuwa nu langgeng jeung bénténg? Rék di mana waé urang tinggal, ku lantaran urang téh umat Yéhuwa, Anjeunna bakal ngabantu urang pikeun ngajaga hubungan urang jeung Anjeunna. w21.11 6 ¶14-15

Minggu, 19 Maret

Abdi bade mikiran sagala padamelan Gusti.​—Jab. 77:13.

Waktu Isa jeung para muridna keur naék parahu, ujug-ujug aya angin ribut. Isa ngagunakeun kajadian éta pikeun némbongkeun yén para murid téh kudu boga iman nu leuwih kuat. (Mat. 8:23-26) Angin ributna téh gedé pisan nepi ka parahuna kaasupan cai. Basa éta, Isa téh keur saré, ari para murid keur kasieunan. Jadi, maranéhna buru-buru ngahudangkeun sarta ménta tulung ka Isa. Tuluy, Isa nanya ka maranéhna, ”Ku naon bet sarieun, kurang iman nya maranéh téh.” Na Sadérék téh keur nyanghareupan ”angin ribut”? Meureun, aya musibat alam nu nyangsarakeun Sadérék atawa aya masalah nu jiga angin ribut, misalna panyakit nu parah pisan. Éta bisa nyababkeun Sadérék leutik haté jeung putus asa. Meureun Sadérék sok hariwang, tapi ulah nepi ka Sadérék eureun ngandelkeun Yéhuwa. Pék terus ngaraket ka Anjeunna liwat doa. Kuatkeun iman Sadérék ku cara mikirkeun kumaha baheula Yéhuwa geus mantuan Sadérék. (Jab. 77:12) Sing yakin, Yéhuwa téh teu pernah ninggalkeun Sadérék. w21.11 22 ¶7, 10

Senén, 20 Maret

Ulah maling.​—Ima. 19:11.

Bisa jadi aya nu mikir, lamun manéhna teu pernah maok barang batur, manéhna téh geus nuturkeun paréntah ieu. Tapi Imamat pasal 19 ngajelaskeun dina hal naon deui saurang jalma bisa dianggap maling barang batur. Misalna, lamun urang saurang tukang dagang maké timbangan atawa takeran nu teu jujur pikeun ngalicikan batur, éta téh sarua jiga manéhna maling barang batur. Imamat pasal 19 nyebutkeun lamun maling téh disaruakeun jeung nipu. Jadi, lamun aya jalma nu nipu atawa teu jujur dina urusan bisnisna, manéhna téh disaruakeun jeung maling. Dina paréntah kadalapan téh ngan disebutkeun pikeun ulah maling, tapi dina Imamat dibéré rincian nu leuwih jelas. Ku kituna, urang kabéh jadi leuwih ngarti kana prinsip tina hukum éta jeung dina prakprakanana. Urang gé bisa ngarasakeun mangpaatna lamun mikirkeun pandangan Yéhuwa ngeunaan sikep teu jujur jeung maling. Urang bisa mikirkeun, ’Waktu abdi ngalenyepan Imamat 19:11-13, na dina kahirupan abdi téh aya nu kudu dirobah, hususna dina urusan bisnis?’ w21.12 9-10 ¶6-8

Salasa, 21 Maret

Sakumaha Yéhuwa iklas ngahampura aranjeun, aranjeun gé kudu kitu.​—Kol. 3:13.

Dina doa pribadi Sadérék, pék sebutkeun kasalahan naon waé nu geus dijieun ku Sadérék poé éta, terus ménta hampura ka Yéhuwa. Tapi lamun dosana sérius, nya tangtu Sadérék kudu ménta bantuan kokolot. Maranéhna bakal ngadéngékeun Sadérék sarta méré naséhat nu alus tina Firman Allah. Geus kitu, para kokolot gé bakal ngadoa bareng jeung Sadérék, sarta ménta Yéhuwa ngahampura Sadérék supaya Sadérék bisa nyobat deui jeung Mantenna. (Yak. 5:14-16) Pék lenyepan ngeunaan tebusan. Meureun, Sadérék ngarasa peurih waktu ngabayangkeun sakumaha sangsarana Yésus saacan maot. Jadi lamun urang beuki jero ngalenyepan ngeunaan pangorbanan Yésus, urang gé bakal beuki nyaah ka Yéhuwa jeung ka Putra-Na ieu. Unggal taun gé urang hadir sarta ngondang batur ka acara Pangéling-ngéling. Yéhuwa téh geus méré kahormatan ka urang pikeun ngajarkeun batur ngeunaan Putra-Na! w21.04 18-19 ¶13-16

Rebo, 22 Maret

Ku Isa maranéhna diajarkeun loba hal.​—Mar. 6:34.

Pék perhatikeun naon nu dilakukeun ku Isa basa jalma-jalma nyampeurkeun manéhna di lamping gunung. Harita Isa téh kakara ngadoa sapeuting jeput. Manéhna pasti capé pisan. Tapi waktu jalma-jalma datang, manéhna karunyaeun ningali aya nu mariskin jeung nu garering. Isa henteu ngan saukur nyageurkeun hungkul, tapi manéhna gé nepikeun hutbah nu nguatkeun pisan. Hutbah éta téh disebut Hutbah di Gunung. (Luk. 6:12-20) Isa gé daék nyadiakeun waktuna najan keur hayang nyorangan. Pék bayangkeun kumaha parasaan Isa pas nyaho babaturanana, nyaéta Yahya Jurubaptis dipaéhan. Pasti Isa téh sedih pisan. Ceuk Alkitab, ”Ngadéngé [Yahya dipaéhan], Isa naék parahu indit ka tempat nu sepi rék nyorangan.” (Mat. 14:10-13) Pas rék nepi ka tempat nu sepi éta, jalma-jalma geus ngarumpul di ditu. (Mar. 6:31-34) Isa nyaho jalma-jalma téh butuh pisan dililipur jeung dikuatkeun, jadi Isa langsung mantuan maranéhna.​—Luk. 9:10, 11. w22.02 21 ¶4, 6

Kemis, 23 Maret

Sing akur jeung saha baé. —Rm. 12:18.

Lamun urang sadar urang téh geus nganyenyeri dulur saiman urang, naon nu kudu dilakukeun? Urang bisa ngadoa ka Yéhuwa. Urang ménta tulung supaya Anjeunna ngaberkahan upaya urang pikeun rukun deui jeung dulur saiman urang. Pék sadiakeun waktu pikeun mariksa diri sorangan. Misalna urang bisa mikirkeun, ’Na urang téh daék ngaku yén urang nu salah, daék ménta hampura, jeung ngupayakeun karukunan? Kumaha parasaan Yéhuwa jeung Isa lamun ningali urang daék ngupayakeun karukunan jeung dulur saiman?’ Tina jawabanana, urang bakal kageuing pikeun ngadéngékeun Isa sarta daék ngarendahkeun diri pikeun rukun deui jeung dulur saiman urang. Jadi lamun urang hayang ngabéréskeun masalah urang jeung dulur saiman, urang téh kudu rendah haté. (Éf. 4:2, 3) Urang bisa ngajak ngobrol sadérék nu nyeri haté ka urang sarta nyoba menerkeun hubungan urang jeung manéhna. Sing inget, karukunan urang jeung dulur saiman téh leuwih penting tibatan néangan saha nu bener jeung saha nu salah.​—1 Kor. 6:7. w21.12 25-26 ¶13-16

Jumaah, 24 Maret

Manéhna melong ka éta kota bari ceurik.​—Luk. 19:41.

Isa téh sedih pisan lantaran manéhna apal kalolobaan urang Yahudi mah embungeun ngadéngé warta Pamaréntahan Allah. Akibatna Yérusalém bakal diancurkeun. Urang-urang Yahudi nu salamet gé bakal ditawan. (Luk. 21:20-24) Tapi naon nu disebutkeun ku Isa téh mémang kajadian, kalolobaan jalma nolak manéhna. Kumaha sikep jalma-jalma di daérah Sadérék kana warta Pamaréntahan Allah? Mun ngan saeutik nu daék ngadéngékeun warta ti urang, urang bisa diajar naon ti Isa nu nyeungceurikan jalma-jalma? Yéhuwa téh nyaah ka jalma-jalma. Waktu Isa nyeungceurikan jalma-jalma, éta némbongkeun sakumaha nyaahna Yéhuwa ka jalma-jalma. ”Anjeunna teu hayang saurang-urang acan dibinasakeun, tapi hayang kabéhanana tobat.” (2 Pét. 3:9) Kiwari urang gé nyaah ka sasama, ku kituna urang nguarkeun jeung ngajarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah.​—Mat. 22:39. w22.01 16 ¶10-12

Saptu, 25 Maret

Ka Gusti abdi muntang dina panangan Gusti abdi aman.​—Jab. 63:9.

Iman Sadérék bakal beuki kuat lamun ngalenyepan naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa keur umat-Na jeung naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa keur Sadérék. Tapi nu pangpentingna, urang bakal leuwih nyaah deui ka Yéhuwa. Dibandingkeun sipat séjénna, kanyaah téh nu paling ngajurung urang pikeun taat ka Yéhuwa, daék nyieun pangorbanan pikeun nyenangkeun Anjeunna, sarta tabah nyanghareupan cocoba. (Mat. 22:37-39; 1 Kor. 13:4, 7; 1 Yah. 5:3) Euweuh nu leuwih penting tibatan sosobatan urang jeung Yéhuwa! (Jab. 63:2-8) Sing inget yén ngadoa, diajar Alkitab, jeung ngalenyepan téh kaasup ibadah. Sarua jiga Isa, pék téangan tempat nu sepi jeung sadiakeun waktu keur Yéhuwa. Singkirkeun hal-hal nu bisa nyimpangkeun. Pénta bantuan Yéhuwa supaya urang bisa tetep fokus dina ngalakukeun kagiatan rohani. Lamun ayeuna Sadérék ngagunakeun waktu sahadé-hadéna, Yéhuwa téh pasti bakal ngaberkahan Sadérék ku kahirupan nu langgeng di dunya anyar.​—Mar. 4:24. w22.01 30-31 ¶18-20

Minggu, 26 Maret

Aranjeun kudu ijid kana hal-hal nu jahat.​—Rm. 12:9.

Pamikiran urang téh mangaruhan tindakan urang. Éta sababna, Isa ngajarkeun supaya urang geura miceun sagala pamikiran nu bisa nyababkeun urang ngalakukeun dosa sérius. (Mat. 5:21, 22, 28, 29) Urang kabéh téh hayang nyenangkeun Bapa urang di sorga, pan? Jadi mun pamikiran goréng ujug-ujug muncul, éta kudu geura dipiceun! Isa ngomong, ”Naon nu kaluar tina baham asalna tina haté.” (Mat. 15:18) Omongan urang téh némbongkeun diri urang nu sabenerna. Jadi pék pikirkeun, ’Abdi sok ngawadul teu, atawa abdi bisa tetep jujur sanajan éta bisa mawa masalah? Lamun geus nikah, abdi masih osok ngagoda lawan jenis teu? Abdi sok nyingkahan omongan nu cabul teu? Waktu aya jalma nu nyieun keuheul, abdi bisa tetep sabar teu?’ Urang kudu bener-bener mikirkeun pananya-pananya ieu. Lamun urang terus ngabohong sarta ngomong kasar jeung cabul, kapribadian nu heubeul téh moal leupas-leupas ti diri urang. Jadi mun urang hayang ngalaanan kapribadian nu heubeul, urang kudu eureun ngucapkeun omongan nu goréng. w22.03 5 ¶12-14

Senén, 27 Maret

Jadi jalma mah ulah sungkan menta luang.​—Sil. 13:10.

Biasana jalma-jalma nu ménta luang atawa naséhat bakal leuwih gancang nyieun kamajuan tibatan jalma-jalma nu ngadagoan batur nu méré naséhat. Jadi tong asa-asa pikeun ménta naséhat. Iraha urang bisa ménta naséhat ka dulur-dulur saiman? Misalna dina sababaraha kaayaan ieu. (1) Saurang sadérék istri ngajak saurang pawarta nu leuwih pangalaman ka palajar Alkitabna. Manéhna bisa ménta saran pikeun ningkatkeun katarampilan ngajarna. (2) Saurang sadérék istri nu léngoh kénéh rék meuli baju. Saacan nangtukeun pilihanana, manéhna ménta saran ka sadérék istri nu kuat rohanina. (3) Saurang sadérék pameget mimiti meunang hutbah. Waktu hutbahna ditepikeun, manéhna ménta sadérék nu geus pangalaman pikeun merhatikeun jeung méré saran ka manéhna. Sadérék nu geus mangtaun-taun nepikeun hutbah gé bisa ménta saran ka sadérék nu tarampil, jeung bisa nuturkeun saran ti manéhna.​—Sil. 19:20. w22.02 13 ¶15-17

Salasa, 28 Maret

Urang teu sorangan tapi disarengan ku Bapa nu ngutus urang.​—Yah. 8:16.

Yéhuwa nyaah pisan ka urang jiga ka Isa. (Yah. 5:20) Waktu Isa ngajalankeun tugasna di bumi, Anjeunna minuhan sakabéh pangabutuh rohani, jasmani, jeung émosi Isa. Terus, Yéhuwa gé ngomong ka Isa yén Anjeunna téh nyaah jeung resep pisan ka manéhna. (Mat. 3:16, 17) Isa apal, Bapana nu di sorga téh teu pernah ninggalkeun manéhna. Jadi Isa teu pernah ngarasa sorangan. Sarua jiga Isa, urang gé pasti ngarasakeun sorangan kumaha Yéhuwa téh nyaah ka urang. Misalna coba pikirkeun ieu: Yéhuwa téh minuhan pangabutuh émosi urang. Anjeunna narik urang pikeun jadi sobat-Na sarta méré dulur-dulur saiman nu nyaahan. (Yah. 6:44) Salian ti éta, Yéhuwa gé terus nyadiakeun kadaharan rohani jeung ngurus pangabutuh jasmani urang. (Mat. 6:31, 32) Jadi lamun urang mikirkeun sakumaha nyaahna Yéhuwa ka urang, urang gé pasti bakal leuwih nyaah deui ka Anjeunna. w21.09 22 ¶8-9

Rebo, 29 Maret

Laanan kapribadian nu heubeul jeung sagala kabiasaanana.​—Kol. 3:9.

Jiga kumaha kahirupan urang saacan diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa? Loba nu geus embung deui ngabayangkeunana. Meureun baheula sikep jeung kapribadian urang téh kapangaruhan ku pandangan dunya ieu ngeunaan nu bener jeung nu salah. Jadina, ’di dunya ieu, urang teu boga harepan jeung teu kenal ka Allah’. (Éf. 2:12) Tapi sanggeus diajar Alkitab, Sadérék jadi apal yén Sadérék boga Bapa di sorga nu nyaah pisan ka Sadérék. Sadérék gé sadar lamun hayang nyenangkeun Yéhuwa jeung jadi anggota kulawarga-Na, Sadérék téh kudu ngarobah cara hirup, laku lampah, jeung cara pikir. Sadérék gé diajar carana nuturkeun standar Yéhuwa nu luhur. (Éf. 5:3-5) Sabagé Nu Nyipta jeung Bapa urang di sorga, Yéhuwa téh boga hak pikeun nangtukeun naon nu kudu dilakukeun ku anggota kulawarga-Na. Saacan urang dibaptis, Anjeunna ménta supaya urang sabisa-bisa ’ngalaanan kapribadian nu heubeul jeung sagala kabiasaanana’. w22.03 2 ¶1-3

Kemis, 30 Maret

Urang boga domba-domba lian.​—Yah. 10:16.

Domba-domba lian ogé bungah waktu hadir ka acara Pangéling-ngéling. Maranéhna ogé bisa mikirkeun harepan maranéhna di acara ieu. Maranéhna ngadago-dago hutbah di acara Pangéling-ngéling. Dina hutbah éta, biasana dibahas ngeunaan naon nu bakal dilakukeun ku Al-Masih jeung 144.000 jalma nu diistrénan salila Pamaréntahan Sarébu Taun. Engké di bawah pingpinan Raja Isa Al-Masih, kaom nu diistrénan bakal mantuan ngarobah bumi jadi pirdaus. Terus, jalma-jalma nu satia bakal jadi sampurna. Jutaan jalma nu hadir di acara Pangéling-ngéling pasti bungah pisan bisa ngabayangkeun jangji-jangji dina Alkitab ngawujud, misalna jiga nu aya dina Yesaya 35:5, 6; 65:21-23; sarta Wahyu 21:3, 4. Pas ngabayangkeun yén manéhna, sobatna, jeung kulawargana aya di dunya anyar, pasti harepan maranéhna bakal leuwih kuat. Maranéhna gé bakal kajurung pikeun terus satia ngalayanan Yéhuwa.​—Mat. 24:13; Gal. 6:9. w22.01 21 ¶5-7

Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian sanggeus panonpoé surup: 9 Nisan) Matius 26:6-13

Jumaah, 31 Maret

Putra manusa ogé datang téh . . . ngorbankeun hirupna jadi tebusan keur loba jalma.​—Mar. 10:45.

Tebusan téh naon? Éta téh harga nu dibayarkeun ku Yésus pikeun nebus naon anu geus dileungitkeun ku Adam. (1 Kor. 15:22) Ku naon urang butuh tebusan? Sabab sakumaha anu ditulis dina Hukum Musa, supaya adil, nyawa téh kudu dibayar deui jeung nyawa. (Bud. 21:23, 24) Adam geus ngaleungitkeun kahirupan manusa nu sampurna. Ambéh adil dina pandangan Yéhuwa, Yésus ogé ngorbankeun kahirupan manusana nu sampurna. (Rum 5:17) Ku kituna, Yésus jadi ”Rama Langgeng” keur kabéh jalma anu boga iman kana tebusan. (Yes. 9:6; Rum 3:23, 24) Yésus réla ngorbankeun kahirupanana lantaran bener-bener nyaah ka Bapana nu di sawarga jeung ka urang. (Yoh. 14:31; 15:13) Ku kituna, Yésus sabisa-bisa ngajalankeun kahayang Bapana sarta terus satia nepi ka maot. Hasilna, tujuan Yéhuwa keur umat manusa jeung keur bumi bisa laksana. w21.04 14 ¶2-3

Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 9 Nisan) Matius 21:1-11, 14-17

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun