April
Saptu, 1 April
Allah nyaah pisan ka dunya ieu nepi ka masrahkeun Putra hiji-hijina.—Yah. 3:16.
Isa nyaah pisan ka urang. Manéhna réla ngorbankeun kahirupanana keur urang. (Yah. 15:13) Rék kumaha gé, urang téh moal bisa ngabales kanyaah aranjeunna. Tapi, urang bisa némbongkeun rasa sukur urang ku laku lampah sapopoé. (Kol. 3:15) Kaom nu diistrénan téh nganuhunkeun kana tebusan, lantaran ngan ku tebusan ieu, harepan maranéhna bisa ngawujud. (Mat. 20:28) Lantaran boga iman kana tebusan Al-Masih, maranéhna bisa disebut jalma bener jeung diangkat jadi anak Allah. (Rm. 5:1; 8:15-17, 23) Domba-domba lian gé nganuhunkeun pisan kana tebusan. Lantaran boga iman kana tebusan Al-Masih, maranéhna bisa dianggap bersih di hareupeun Allah, jeung boga harepan pikeun ”salamet tina kasangsaraan nu kacida hébatna”. (Why. 7:13-15) Duanana nganuhunkeun kana tebusan ku cara hadir di acara Pangéling-ngéling unggal taunna. w22.01 23 ¶14-15
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 10 Nisan) Matius 21:18, 19; 21:12, 13; Yahya 12:20-50
Minggu, 2 April
Al-Masih geus meuli . . . urang.—Gal. 3:13.
Yésus téh strés mikirkeun tuduhan jalma-jalma ka anjeunna. Anjeunna geus dituduh ngahina ka Allah jeung kana nami-Na. (Mat. 26:64-66) Yésus ngaharep ka Bapana, mun bisa mah anjeunna ulah nepi ka kitu-kitu teuing dituduhna. (Mat. 26:38, 39, 42) Yésus kudu maot dina tihang pikeun ngabébaskeun urang Yahudi tina kutukan. (Gal. 3:10) Ku naon maranéhna dikutuk? Maranéhna geus jangji bakal ngajalankeun Torét, tapi maranéhna kalah ka ingkar jangji. Hasilna, geus mah maranéhna kudu maot lantaran dosa Adam, maranéhna gé jadi kudu maot lantaran éta kutukan. (Rum 5:12) Dina Torét disebutkeun, saurang jalma nu ngalakukeun dosa gedé kudu dipaéhan, geus kitu mayitna kudu digantung dina tihang. Jalma nu maotna jiga kitu téh hartina dikutuk ku Allah. (Pam. 21:22, 23; 27:26) Nah ku cara digantung dina tihang, Yésus téh nanggung kutukan keur urang Yahudi. Sanajan bangsa éta geus nolak Yésus, maranéhna bisa dibébaskeun tina éta kutukan. w21.04 16 ¶5-6
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 11 Nisan) Matius 21:33-41; 22:15-22; 23:1-12; 24:1-3
Senén, 3 April
Urang ngorbankeun nyawa.—Yah. 10:17.
Hayu urang bayangkeun kira-kira kumaha kajadianana waktu Yésus dihukum pati. Yésus ditéwak jeung disiksa sakitu kejemna ku para prajurit Rum. (Mat. 26:52-54; Yoh. 18:3; 19:1) Anjeunna disabetan ku pecut nepi ka dagingna sararoéh. Getihna ngucur ka mamana. Geus kitu, Yésus dititah manggul tihangna sorangan ka tempat anjeunna dihukum pati. Tapi lantaran geus teu kuat, di tengah jalan, saurang lalaki dicegat jeung dipaksa pikeun manggul éta tihang, ngagantikeun Yésus. (Mat. 27:32) Pas geus nepi di tempat nu dituju, leungeun jeung suku Yésus langsung dipaku kana éta tihang. Seug, tihangna ditangtungkeun. Lila-lila liang dina suku jeung leungeun Yésus ngagedéan ku sabab kudu nahan awakna. Indung jeung babaturan Yésus nepi ka ceurik ngagukguk, teu kuateun ningalina. Tapi, ari para pamingpin Yahudi mah kalah ka moyokan Yésus! (Luk. 23:32-38; Yoh. 19:25) Yésus geus kasiksa salila mangjam-jam. Lantaran digantung dina tihang, beuki lila napas téh beuki nyeri. Percis saacan anjeunna maot, Yésus sakali deui ngajerit ka Yéhuwa. Geus kitu sirahna ngulahék, les waé anjeunna pupus. (Mar. 15:37; Luk. 23:46; Yoh. 10:18; 19:30) Yésus téh maotna lalaunan, kasiksa, bari jeung direndahkeun pisan! w21.04 16 ¶4
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 12 Nisan) Matius 26:1-5, 14-16; Lukas 22:1-6
TANGGAL PANGÉLING-NGÉLING
Sanggeus Panonpoé Surup
Salasa, 4 April
Terus lampahkeun ieu pikeun némbongkeun maranéh inget ka urang.—Luk. 22:19.
Isa ngabagikeun roti jeung cianggur ka 11 rasulna jeung nitah maranéhna dahar sarta nginum. Basa éta, Isa nyebutkeun ngeunaan dua perjangjian, nyaéta perjangjian anyar jeung perjangjian Karajaan. (Luk. 22:20, 28-30) Ku ayana dua perjangjian éta, para rasul sarta sakelompok jalma bisa jadi raja jeung imam di sorga. (Why. 5:10; 14:1) Ku kituna, jalma-jalma nu kaasup dina dua perjangjian ieu, nu masih kénéh hirup di bumi, bakal ngadahar roti jeung nginum cianggur di acara Pangéling-ngéling. Yéhuwa geus méré harepan nu luar biasa keur maranéhna, nu jumlahna 144.000 ieu. Di sorga, maranéhna bakal boga awak nu teu bisa musna jeung maot. Maranéhna gé bakal maréntah bareng jeung Isa Al-Masih sarta bisa ngalalayanan langsung di hareupeun Allah Yéhuwa! (1 Kor. 15:51-53; 1 Yah. 3:2) Kaom nu diistrénan téh apal yén maranéhna kudu tetep satia nepi ka maot.—2 Tim. 4:7, 8. w22.01 21 ¶4-5
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 13 Nisan) Matius 26:17-19; Lukas 22:7-13 (Kajadian sanggeus panonpoé surup: 14 Nisan) Matius 26:20-56
Rebo, 5 April
Manéh bakal bareng jeung urang di Pirdaus.—Luk. 23:43.
Aya dua penjahat nu dihukum pati bareng jeung Yésus. (Luk. 23:40, 41) Salah sahiji ti maranéhna ngomong ka Yésus anu keur sakarat, ”Nun Yesus, sing inget ka abdi upami parantos jumeneng Raja.” (Luk. 23:42) Yésus bisa méré jangji ieu ka penjahat nu téréh maot téh lantaran anjeunna apal Bapana nu di sawarga gé jembar hampura. (Jab. 103:8; Ibr. 1:3) Yéhuwa téh welas asih jeung réla ngahampura dosa urang, asal urangna bener-bener kaduhung jeung boga iman kana tebusan Yésus Kristus. (1 Yoh. 1:7) Tapi, meureun aya nu ngarasa, manéhna moal bisa dihampura ku Yéhuwa. Lamun Sadérék ngarasa kitu, pék pikirkeun hal ieu: Ngan sababaraha waktu saacan maot, Yésus téh ngahampura penjahat anu kakara boga iman. Komo deui ka urang! Yéhuwa pasti daék ngahampura umat-Na nu satia!—Jab. 51:3; 1 Yoh. 2:1, 2. w21.04 9 ¶5-6
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 14 Nisan) Matius 27:1, 2, 27-37
Kemis, 6 April
Isa ngomong, ”Geus bérés!”—Yah. 19:30.
Ku cara terus satia nepi ka maot, Yésus téh sabenerna ngalakukeun sababaraha hal. Kahiji, anjeunna ngabuktikeun Sétan téh tukang bohong. Yésus nunjukkeun, jalma nu sampurna bisa terus satia, teu sual naon waé gogoda ti Sétan. Kadua, Yésus masrahkeun kahirupanana pikeun jadi tebusan. Ku kituna, manusa nu teu sampurna bisa nyobat jeung Yéhuwa sarta boga harepan pikeun hirup langgeng. Katilu, Yésus ngabuktikeun Yéhuwa layak pikeun maréntah. Yésus gé mersihan nami Yéhuwa tina sagala tuduhan. Jadi, hayu urang anggap unggal poé téh sabagé kasempetan pikeun nunjukkeun yén urang satia. Ku kituna, saupama urang maot gé, urang bisa ngomong, ”Yéhuwa, abdi geus sabisa-bisa pikeun tetep satia, pikeun ngabuktikeun Sétan téh tukang bohong, jeung pikeun nyucikeun nami Bapa sarta ngadukung pamaréntahan Bapa!” w21.04 12 ¶13-14
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 15 Nisan) Matius 27:62-66 (Kajadian sanggeus panonpoé surup: 16 Nisan) Matius 28:2-4
Jumaah, 7 April
Tah ieu Putra Kuring téh. Kuring nyaah jeung resep ka manéhna. Sing nurut ka manéhna.—Mat. 17:5.
Sanggeus dituduh ngalakukeun kasalahan, Yésus dihina jeung disiksa ku cara nu kejem. Leungeun jeung sukuna dipaku kana tihang siksaan. Unggal rék napas atawa ngomong, asana téh mani nyeri pisan. Tapi, Yésus tetep ngomong lantaran aya hal penting anu rék ditepikeun. Urang geus diajar loba hal penting tina omongan Yésus saacan anjeunna maot. Urang geus diajar, urang téh kudu ngahampura batur sarta yakin Yéhuwa gé bakal ngahampura urang. Terus, urang téh geus dibéré kahormatan pikeun jadi bagian tina kulawarga Yéhuwa. Dulur-dulur saiman téh siap ngabantu urang iraha waé, jadi ulah asa-asa ménta bantuan ka maranéhna. Yéhuwa pasti ngabantu urang teger nyanghareupan sagala kasusah. Salian ti éta, urang geus diajar sakumaha pentingna nganggap unggal poé sabagé kasempetan pangahirna pikeun ngabuktikeun kasatiaan urang. Jeung lamun urang nepi ka maot, Yéhuwa pasti ngahirupkeun urang deui. w21.04 8 ¶1; 13 ¶17
Ayat Alkitab pikeun Pangéling-ngéling: (Kajadian dina tengah poé: 16 Nisan) Matius 28:1, 5-15
Saptu, 8 April
Sangkan bisa hirup langgeng, maranéhna kudu wanoh ka Bapa, Allah sajati nu ngan hiji, jeung ka utusan Bapa, Isa Al-Masih.—Yah. 17:3.
Urang bisa meunang hirup langgeng mun nuturkeun tuladan Yésus. Aya saurang lalaki ngora nu beunghar nanyakeun kumaha carana supaya bisa hirup langgeng. Ceuk Yésus, ”Tuturkeun Bapa,” atawa maksudna jadi murid anjeunna. (Mat. 19:16-21) Terus ka sababaraha urang Yahudi anu teu percaya anjeunna téh Kristus, Yésus ngomong kieu, ”Domba Kaula mah . . . anut ka Kaula. Ku Kaula dibarere hirup langgeng.” (Yoh. 10:24-29) Urang nunjukkeun urang percaya ka Yésus ku cara nuturkeun pangajaranana jeung nyonto tindakan anjeunna. Mun urang ngalakukeunana, urang bisa meunang kahirupan anu langgeng. (Mat. 7:14) Ngarah bisa nyonto tuladan Yésus, urang kudu kenal heula ka anjeunna. Tapi, urang teu bisa ujug-ujug ’terang ka Yesus’. Éta téh butuh upaya jeung waktu. Urang kudu teterusan diajar ngeunaan anjeunna. Urang kudu nyaho kumaha sipat-sipatna, kumaha cara pikirna, jeung kumaha patokan hirupna. Najan urang geus lila jadi umat Allah, urang kudu terus upaya pikeun kenal ka Yéhuwa jeung Putra-Na. w21.04 4 ¶9-10
Minggu, 9 April
Padahal baheula kuring téh sok ngahina Allah.—1 Tim. 1:13.
Pasti, kadang Rasul Paulus gé ngarasa kasiksa lantaran pernah ngalakukeun dosa gedé. Manéhna ngomong, manéhna téh nu ’pangjahatna ti sakur anu doraka’! (1 Tim. 1:15) Nya mémang saacan jadi murid Kristus, Paulus téh bébéakan nganiaya urang Kristen. Gara-gara manéhna, loba anu dipanjara jeung dipaéhan. (Ras. 26:10, 11) Pék bayangkeun, kumaha mun Paulus panggih jeung budak ngora anu indung bapana dipaéhan gara-gara manéhna? Paulus pasti ngarasa kaduhung, tapi manéhna teu bisa ngarobah anu geus liwat. Manéhna yakin Kristus téh maot demi manéhna. Ku kituna, manéhna nulis, ”Bisa saperti ayeuna oge ngan ku karana rahmat Allah.” (1 Kor. 15:3, 10) Naon palajaranana? Sadérék gé kudu yakin, Kristus maot demi Sadérék téh supaya Sadérék bisa nyobat jeung Yéhuwa. (Ras. 3:19) Keur Allah mah, nu penting téh ayeuna jeung ka hareupna, lain kasalahan urang anu geus liwat.—Yes. 1:18. w21.04 23 ¶11
Senén, 10 April
Uji heula bener teu éta téh asalna ti Anjeunna, sabab ayeuna téh geus loba nabi palsu di dunya.—1 Yah. 4:1.
Harita, loba urang Yahudi teu nyangka Mésias kudu maot. Padahal sabenerna, hal éta téh geus diramalkeun dina Kitab Suci, ”Anjeunna geus ihlas ngurbankeun nyawana nalangan hukuman jalma doraka, jadi gaganti jalma doraka. Sarta mangnedakeun sangkan maranehna bisa dihampura.” (Yes. 53:12) Jadi, sabenerna urang Yahudi téh teu kudu héran waktu Yésus dihukum pati sabagé jalma dosa. Iman urang bisa kuat lamun urang mariksa heula nu sabenerna. Waktu méré hutbah di gunung, Yésus ngingetan yén para murid bakal ”dipitenah, disebut jelema jahat”. (Mat 5:11, SF) Gegedug tina kabohongan éta téh nyaéta Sétan. Manéhna mangaruhan jalma-jalma pikeun nyebarkeun kabohongan ngeunaan umat Allah anu cinta kana bebeneran. (Wahyu 12:9, 10) Tong percaya kana kabohongan jiga kitu, sabab engké urang bisa jadi sieun jeung lemah iman. w21.05 12 ¶14, 16
Salasa, 11 April
Jadi ulah sieun, maranéh téh jauh leuwih dihargaan tibatan loba manuk piit.—Mat. 10:31.
Pék bantu palajar Alkitab pikeun ngandelkeun Yéhuwa. Yésus ngayakinkeun murid-muridna yén Yéhuwa bakal nulungan maranéhna sabab Mantenna nyaah ka maranéhna. (Mat. 10:19, 20, 29, 30) Sadérék gé bisa ngayakinkeun palajar yén Yéhuwa bakal mantuan manéhna. Pék bantu palajar ngandel ka Yéhuwa ku cara ngadoakeun cita-citana waktu ngadoa bareng. Ceuk Franciszek anu cicing di Polandia, ”Guru Alkitab abdi sering ngadoakeun cita-cita abdi. Waktu ningali doa-doana dijawab ku Yéhuwa, abdi gé jadi hayang ngadoa. Abdi ngarasakeun bantuan ti Yéhuwa. Misalna, abdi diidinan datang ka pasamoan jeung ka kongrés ku si bos, padahal abdi téh pagawé anyar.” Yéhuwa nyaah pisan ka para palajar Alkitab. Yéhuwa gé nyaah jeung ngahargaan upaya ti para pawarta nu mantuan jalma-jalma ngadeukeutkeun diri ka Mantenna. (Yes. 52:7) Mun Sadérék ayeuna can boga palajar Alkitab, Sadérék tetep bisa mantuan palajar Alkitab batur pikeun nyieun kamajuan nepi ka dibaptis. Sadérék bisa maturan pawarta séjén pikeun mandu palajaran Alkitab. w21.06 7 ¶17-18
Rebo, 12 April
Sabalikna resep nurut kana Hukum PANGERAN, bari diulik beurang peuting.—Jab. 1:2.
Urang bisa nganuhunkeun kana kurnia ieu ku cara maca Alkitab unggal poé. Urang kudu boga jadwal keur maca jeung diajar Alkitab. Tong ngan saukur maca pas boga waktu hungkul. Lamun urang boga jadwal, iman urang bisa tetep kuat. Teu jiga jalma ”anu palinter sareng garaduh elmu” di dunya ieu, urang mah boga iman anu dasarna tina Alkitab. (Mat. 11:25, 26) Alkitab ngajelaskeun ku naon kaayaan dunya beuki ancur jeung naon anu bakal dilakukeun ku Yéhuwa. Jadi, hayu urang sabisa-bisa nguatkeun iman jeung mantuan saloba-lobana jalma supaya boga iman ka Nu Nyipta. (1 Tim. 2:3, 4) Hayu urang terus neuteup ka hareup! Engké, urang bakal ngamulyakeun Allah sarta ngucapkeun kekecapan dina Wahyu 4:11, ”Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat . . . Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara.” w21.08 18-19 ¶18-20
Kemis, 13 April
Sing silih pikanyaah kawas ka kulawarga sorangan.—Rm. 12:10.
Sabagé pangangon, para kokolot téh sakapeung perlu méré naséhat. Maranéhna kudu méré naséhat ka batur nu mawa mangpaat, nguatkeun, jeung matak ”seger”. (Sil. 27:9) Para kokolot téh nyaah ka dulur-dulur saimanna. Sakapeung, manéhna némbongkeun kanyaahna ku cara méré naséhat ka sadérék nu rék salah léngkah. (Gal. 6:1) Tapi saacan méré naséhat, para kokolot bisa mikirkeun ciri-ciri kanyaah nu disebutkeun ku Rasul Paulus. ”Jalma nu boga kanyaah téh sabar jeung bageur. . . . Manéhna sabar nyanghareupan sagalana, percaya kana sagala hal, terus boga harepan, jeung tabah dina sagala kaayaan.” (1 Kor. 13:4, 7) Lamun saurang kokolot mikirkeun ayat éta, manéhna bisa mariksa tujuanana méré naséhat jeung bisa nepikeunana ku cara nu hadé. Sadérék nu dibéré naséhat gé bisa ngarasakeun kanyaah ti kokolot éta jeung bakal leuwih gampang narima naséhatna. w22.02 14 ¶3; 15 ¶5
Jumaah, 14 April
Maranehna ngalawan bae, nganalangsakeun manah-Na.—Yes. 63:10.
Yéhuwa nyiptakeun para malaikat jeung manusa dina kaayaan anu sampurna. Tapi aya hiji malaikat, nyaéta Sétan (nu hartina ”si Tukang Nangtang”), anu barontak ka Yéhuwa. Geus kitu, manéhna ngajak manusa anu sampurna, nyaéta Adam jeung Hawa, pikeun milu barontak ogé. (Yud. 6) Yéhuwa pasti ngarasa dihianatan. Tapi, Mantenna tabah nungguan waktu nu geus ditangtukeun pikeun ngabinasakeun kabéh anu barontak. Engké, Yéhuwa jeung kabéh anu satia ka Mantenna bakal bagja, sabab moal aya deui anu jahat! Sétan nuduh Ayub jeung hamba-hamba Allah séjénna ibadah ka Yéhuwa téh lantaran maranéhna boga maksud anu mentingkeun diri. (Ayub 1:8-11; 2:3-5) Nepi ka ayeuna, manéhna masih terus nuduh kitu. (Wahyu 12:10) Urang bisa ngabuktikeun tuduhan éta salah. Kumaha carana? Urang kudu tabah waktu aya masalah. Urang gé kudu ngabuktikeun, urang satia ka Yéhuwa téh lantaran urang nyaah ka Mantenna. w21.07 9 ¶7-8
Saptu, 15 April
Eureunan kalakuan anu doraka teh. Eureun nyieun dosa.—Yes. 1:16.
Rasul Paulus méré ibarat nu alus. Manéhna ngomong yén kapribadian urang nu heubeul kudu ”dipakukeun dina tihang”. (Rm. 6:6) Jadi, maksudna urang kudu nuturkeun tuladan Al-Masih nu réla dipaéhan demi nyenangkeun Yéhuwa. Kitu ogé, pikeun nyenangkeun Yéhuwa, urang kudu ”maéhan” kalakuan jeung kabiasaan nu dipikaijid ku Yéhuwa. Mun teu kitu, urang moal bisa boga haté sanubari nu bersih jeung meunangkeun hirup langgeng. (Yah. 17:3; 1 Pét. 3:21) Standar ti Yéhuwa mah moal barobah. Jadi, urangna nu kudu barobah sarta nuturkeun standar ti Anjeunna. (Yes. 1:17, 18; 55:9) Sanajan geus dibaptis, Sadérék kudu terus ngalawan kahayang awak nu salah. Ngadoa ménta bantuan Yéhuwa jeung ngandelkeun kawasa suci-Na, lain kasanggupan sorangan. (Gal. 5:22; Flp. 4:6) Lamun hayang ngalaanan kapribadian nu heubeul jeung ngajaga supaya éta teu balik deui, urang kudu boga tékad. w22.03 6 ¶15-17
Minggu, 16 April
[Yéhuwa] tangtu ngaraksa.—Jab. 55:23.
Yéhuwa jangji bakal nyadiakeun kadaharan, pakéan, jeung panyicingan keur urang, lamun urangna ngutamakeun kapentingan Karajaan jeung nuturkeun patokan hirup ti Mantenna. (Mat. 6:33) Lamun urang percaya ka Yéhuwa, urang moal mikir harta banda téh bisa ngalindungan urang atawa méré kabagjaan ka urang. Urang apal, urang bisa bener-bener tengtrem lamun ngajalankeun kahayang Mantenna. (Pil. 4:6, 7) Najan urang bisa meuli leuwih loba barang, urang kudu mikirkeun, na urang boga waktu jeung tanaga pikeun ngagunakeun jeung ngurus barang-barang éta? Na urang jadi leuwih mentingkeun barang-barang éta? Sing inget, sabagé kulawargana Yéhuwa, urang téh dibéré tugas. Jadi, urang teu meunang kasimpangkeun. Urang gé pasti embung jiga lalaki ngora anu leuwih mentingkeun harta banda nepi ka embung jadi muridna Yésus. Manéhna kaleungitan kasempetan pikeun ngawula Yéhuwa sarta diangkat jadi putra-Na!—Mar. 10:17-22. w21.08 6 ¶17
Senén, 17 April
Aranjeun kudu terus siap ngajawab unggal aya nu ménta katerangan.—1 Pét. 3:15.
Tina Alkitab, urang bisa diajar kumaha sipat-sipatna Yéhuwa. Sipat-sipat éta gé katingali tina ciptaana-Na. Mun urang apal kumaha sipat-sipatna Yéhuwa, urang bakal yakin Mantenna téh bener-bener aya. (Bud. 34:6, 7; Jab. 145:8, 9) Terus, mun urang leuwih kenal ka Yéhuwa, iman urang bakal beuki kuat. Sosobatan urang jeung Mantenna gé bakal leuwih raket. Caritakeun iman Sadérék ka batur. Kumaha lamun aya jalma nu teu percaya yén Allah téh aya, tapi Sadérék bingung kumaha cara ngajelaskeunana? Coba téangan informasi dina publikasi ngeunaan hal éta, terus bahas jeung manéhna. Sadérék gé bisa ménta bantuan ka dulur saiman nu geus pangalaman. Teu sual jalma éta narima jawaban Sadérék atawa henteu, Sadérék bakal meunang mangpaat lantaran geus ngarisét. Iman Sadérék bakal leuwih kuat. w21.08 18 ¶14-15
Salasa, 18 April
Urang gé tara nahan-nahan ngabéjaan aranjeun.—Kis. 20:20.
Nyenangkeun haté Yéhuwa téh lain hartina urang kudu ngorbankeun sagala hal anu dipikaresep ku urang. (Pan. 5:19, 20) Tapi, lamun urang henteu méré anu panghadéna keur Yéhuwa lantaran embung nyieun pangorbanan, engké urang bisa jiga lalaki dina ibarat Yésus. Manéhna leuwih ngutamakeun kasenangan hirup tibatan palayanan ka Allah. (Luk. 12:16-21) Waktu aya masalah, urang bisa ménta tulung ka Yéhuwa sarta mikirkeun naon nu bisa urang lakukeun pikeun nyanghareupan masalahna. (Sil. 3:21) Yéhuwa téh ngaberkahan urang ku loba cara. Urang bisa nunjukkeun rasa sukur ka Mantenna ku cara ngalakukeun sagala hal nu ngamulyakeun Mantenna. (Ibr. 13:15) Meureun urang bisa néangan cara-cara anyar pikeun ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan. Ku kituna, Yéhuwa bakal méré leuwih loba berkah. Unggal poéna, hayu urang téangan cara pikeun ’ngarasakeun kumaha saena’ Yéhuwa. (Jab. 34:8) Engké urang bakal jiga Yésus, nu ngomong, ”Dahareun Kami nya eta pagawean ti pangersa anu ngutus, anu kudu dipigawe nepi ka anggeus.”—Yoh. 4:34. w21.08 30-31 ¶16-19
Rebo, 19 April
Adigung temahna ancur, angkuh temahna rubuh.—Sil. 16:18.
Sétan hayang urang jadi jelema nu sombong. Lamun urang sombong, urang téh bakal jiga manéhna sarta moal bisa hirup langgeng. Ku kituna, Paulus ngingetan, jalma nu ’gumede teh bakal tigubrag, saperti Iblis’. (1 Tim. 3:6, 7) Saha waé bisa jadi sombong, boh nu anyar boh nu geus lila ngalayanan Yéhuwa. Jalma nu sombong téh mentingkeun diri. Sétan hayang urang leuwih mikirkeun diri urang sorangan tibatan mikirkeun Yéhuwa, utamana pas urang keur aya masalah. Misalna, pas aya nu mitnah atawa teu adil ka urang, Sétan hayang urang ambek ka Yéhuwa atawa ka organisasi-Na. Terus manéhna gé hayang urang mikir, cara nu panghadéna pikeun ngaréngsékeun masalah téh, nya ngagunakeun cara urang sorangan, lainna nuturkeun pituduh ti Yéhuwa nu aya dina Firman-Na.—Pan. 7:16, 20. w21.06 15 ¶4-5
Kemis, 20 April
Maraneh teu kudu leutik hate. Teruskeun pigawe, sabab Kami tangtu ngabantu.—Hag. 2:4.
Nabi Hagai dibéré tugas nu penting ku Yéhuwa. Katingalina, Hagai téh kaasup ti urang Yahudi nu balik deui ka Yérusalém ti pangbuangan Babilon dina taun 537 SM. Teu lila sanggeus maranéhna nepi ka Yérusalém, maranéhna ngadegkeun deui bait Allah. (Esra 3:8, 10) Hanjakalna teu lila ti harita, maranéhna eureun ngabangun. Maranéhna dihalang-halang jeung disingsieunan ku para musuh di dinya. (Esra 4:4; Hag. 1:1, 2) Jadi dina taun 520 SM, Yéhuwa nugaskeun Hagai pikeun nyumangetan deui urang Yahudi sarta ngajurung maranéhna pikeun ngaréngsékeun bait. (Esra 6:14, 15) Tujuan ti kekecapan Nabi Hagai téh nyaéta pikeun nguatkeun iman urang Yahudi ka Yéhuwa. Kekecapan ieu pasti nguatkeun maranéhna. Yéhuwa téh pamingpin ti pasukan malaikat anu kuat jeung loba pisan, jadi urang Yahudi kudu ngandelkeun Anjeunna supaya maranéhna bisa suksés. w21.09 15 ¶4-5
Jumaah, 21 April
Kabéh jalma bakal nyaho maranéh téh murid urang lamun maranéh silih pikanyaah.—Yah. 13:35.
Kiwari, Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya ngarasakeun sorangan yén maranéhna téh bener-bener ngahiji jeung silih pikanyaah. Teu siga agama-agama séjén, urang mah akrab jiga kulawarga sanajan asalna ti rupa-rupa suku, bangsa, jeung budaya. Kanyaah éta katémbong dina pasamoan jeung kongrés-kongrés. Bukti-bukti éta ngayakinkeun urang yén cara ibadah urang téh nyenangkeun Yéhuwa. (Yah. 13.34) Kitab Suci ngajurung urang pikeun ”bener-bener silih pikanyaah”. (1 Pét. 4:8) Salah sahiji carana téh nyaéta silih hampura jeung sabar kana kalemahan batur. Urang gé hayang murah haté jeung bageur ka sadérék-sadérék di sidang, kaasup ka anu pikakeuheuleun. (Kol. 3:12-14) Kanyaah jiga kitu téh ciri ti urang Kristen sajati. w21.10 22 ¶13-14
Saptu, 22 April
Mun enya nyaah ka anak tangtu daek ngelingan.—Sil. 13:24.
Na enya mecat manéhna téh bisa ngabantu manéhna barobah? Bisa. Ku disiplin nu tegas ieu, loba sadérék nu nyieun dosa sérius téh jadi sadar. Disiplin ieu ngélingan manéhna supaya barobah jeung balik deui ka Yéhuwa. (Ibr. 12:5, 6) Pikirkeun ibarat ieu. Saurang pangangon ningali aya hiji dombana nu gering. Manéhna nyaho si domba téh kudu dipisahkeun ti gorombolanana. Tapi sabenerna, domba téh sato nu osok babarengan jeung gorombolanana. Jadi na ieu hartina si pangangon téh jahat, misahkeun manéhna ti gorombolan? Henteu kitu, pangangon éta téh ngarti lamun dombana teu dipisahkeun ti gorombolan, panyakitna bisa népa ka mamana. Jadi ku cara misahkeun hiji domba nu gering, pangangon téh ngalindungan kabéh domba-dombana. w21.10 10 ¶9-10
Minggu, 23 April
Pencarkeun caang maranéh ka jalma-jalma supaya maranéhna bisa ningali kalakuan maranéh anu hadé. Ku kituna, Bapa maranéh nu aya di sorga bakal dimulyakeun.—Mat. 5:16.
Urang pasti bungah pisan bisa jadi anggota kulawarga Yéhuwa nu aya di sakuliah dunya. Urang hayang saloba-lobana jalma bisa milu ibadah ka Yéhuwa. Jadi ulah nepi ka aya kalakuan urang nu nyieun batur jadi ngagogoréng Bapa urang di sorga atawa umat-Na. Urang hayang sabisa-bisana ngajaga kalakuan urang, supaya batur daék diajar jeung ngalalayanan Yéhuwa. Bisa jadi, aya nu moyokan malah nepi ka nganiaya urang lantaran urang hayang taat ka Bapa urang di sorga. Naon nu kudu dilakukeun lamun urang sieun nyaritakeun kapercayaan urang ka batur? Sing yakin Yéhuwa jeung Putra-Na téh bakal ngabantu urang. Isa ngayakinkeun murid-muridna yén maranéhna teu perlu hariwang rék ngomong naon jeung kumaha cara ngomongna. Ku naon? Isa ngajelaskeun, ”Harita kénéh, maranéh bakal nyaho kudu ngomong naon, sabab nu ngomong téh lain maranéh sorangan, tapi maranéh bakal dibantu ku kawasa suci ti Bapa.”—Mat. 10:19, 20. w21.09 24 ¶17-18
Senén, 24 April
Unjukan ka Mantenna, ”Gusti teh benteng panyalindungan abdi, Allah pangharepan abdi.”—Jab. 91:2.
Musa ngagunakeun kekecapan nu mirip pikeun ngagambarkeun Yéhuwa téh sabagé panyalindungan. (Jab. 90:1) Malah, dina panungtungan hirupna, Musa nyatet kekecapan nu alus ieu, ”[Panyalindungan, NW] Allah ka maraneh sipatna kadim, panangana-Na anu ngadeudeul, sipatna langgeng.” (Pam. 33:27) Tapi, naon maksudna ”panangana-Na anu ngadeudeul, sipatna langgeng”? Lamun urang yakin Yéhuwa téh Panyalindungan urang, urang bakal ngarasa aman. Tapi sakapeung, urang bisa ngarasa sedih jeung hésé pikeun sumanget deui. Dina kaayaan siga kitu, naon nu bakal Yéhuwa lakukeun keur urang? (Jab. 136:23) Yéhuwa bakal nulungan jeung ngalilipur urang supaya urang téh henteu sedih deui. (Jab. 28:9; 94:18) Urang téh bisa ngandel ka Yéhuwa. Sing inget, Yéhuwa téh ngaberkahan urang dina dua hal. Nu kahiji, urang boga tempat panyalindungan nu aman, teu sual di mana waé urang tinggal. Nu kadua, Bapa urang di sorga bener-bener nyaah ka urang. w21.11 6 ¶15-16
Salasa, 25 April
Aranjeun kudu susah nyanghareupan rupa-rupa cocoba.—1 Pét. 1:6.
Isa nyaho yén kateuadilan téh bisa nguji iman para muridna. Jadi, Isa ngabantu maranéhna ku cara méré ibarat nu ditulis dina buku Lukas. Isa nyaritakeun aya saurang randa nu teterusan ménta kaadilan ka hakim nu lain jalma bener. Randa éta yakin, lamun manéhna teterusan ménta, pasti bakal didéngékeun. Ahirna, hakim éta ngabulkeun paménta si randa. Naon palajaranana? Yéhuwa téh Allah nu adil. Ku kituna, Isa ngomong, ”Allah tangtu méré kaadilan ka jalma-jalma pilihana-Na nu sasambat beurang peuting ka Anjeunna.” (Luk. 18:1-8) Isa gé ngomong, ”Waktu Putra Manusa datang, bakal aya kitu jalma nu boga iman kawas kitu di bumi?” Waktu urang ngalaman kateuadilan, urang kudu ngabuktikeun urang téh boga iman nu kuat siga randa éta, ku cara sabar jeung teger. Sing yakin, Yéhuwa pasti bakal ngabantu urang. Urang gé kudu yakin doa téh gedé mangpaatna. w21.11 23 ¶12; 24 ¶14
Rebo, 26 April
Kuma kedahna malar hirupna budak ngora tetep beresih? Nya kedah tumut kana satimbalan Gusti.—Jab. 119:9.
Barudak ngora, na anjeun ngarasa patokan hirup ti Yéhuwa téh sok ngahalangan anjeun? Sétan hayang anjeun mikir kitu. Manéhna hayang anjeun kabita kana kahirupan jalma-jalma nu aya dina jalan nu lega, nu katingalina téh bagja pisan. Manéhna hayang anjeun ngarasa hirup anjeun téh pikaboseneun, teu jiga babaturan sakola atawa jalma-jalma nu aya dina Internét. Sétan hayang anjeun nganggap patokan hirup ti Yéhuwa téh ngahalangan anjeun pikeun hirup senang. Tapi ulah poho, Sétan mah teu némbongkeun tungtung tina jalan éta. (Mat. 7:13, 14) Tapi ari Yéhuwa mah némbongkeunana. Hirup urang bakal bagja lamun urang terus aya dina jalan nu brasna kana kahirupan.—Jab. 37:29; Yes. 35:5, 6; 65:21-23. w21.12 23 ¶6-7
Kemis, 27 April
Iklas ngahampura dulur maranéh.—Mat. 18:35.
Urang apal, urang kabéh kudu silih hampura. Tapi, éta téh teu gampang. Kadang, Rasul Pétrus gé ngarasa kitu. (Mat. 18:21, 22) Jadi, naon nu kudu dilakukeun? Kahiji, pikirkeun sakumaha sering Yéhuwa ngahampura urang. (Mat. 18:32, 33) Sabenerna, urang téh teu layak dihampura. Tapi, Mantenna réla ngahampura urang. (Jab. 103:8-10) Terus, ”urang oge kudu silih pikaasih”. Hartina, urang kudu silih hampura jeung dulur saiman. Éta téh kawajiban, lain piliheun. (1 Yoh. 4:11) Kadua, pikirkeun kumaha jadina mun urang ngahampura batur. Mun urang ngahampura dulur saiman nu boga salah ka urang, manéhna moal susah haté. Sidang gé bakal terus ngahiji, sosobatan urang jeung Yéhuwa bakal tetep kuat, sarta haté urang bakal jadi plong. (2 Kor. 2:7; Kol. 3:14) Jeung katilu, pék ngadoa ménta bantuan Yéhuwa. Yéhuwa hayang urang ngahampura batur, jadi Mantenna pasti mantuan urang. Ulah méré kasempetan ka Sétan pikeun ngaruksak sosobatan urang jeung dulur-dulur saiman (Epe. 4:26, 27) Urang butuh bantuan Yéhuwa pikeun nyingkahan jiret Sétan. w21.06 22 ¶11; 23 ¶14
Jumaah, 28 April
Manéh bakal jadi raja Israél.—1 Sam. 23:17.
Daud kudu kabur ku lantaran raja Israél, nyaéta Saul, hayang pisan maéhan manéhna. Waktu Daud butuh dahareun, manéhna eureun di kota Nob, tuluy ménta roti lima siki ka Imam Ahimélék. (1 Sam. 21:1, 3) Sanggeusna, Daud jeung para prajuritna nyumput di hiji guha. (1 Sam. 22:1) Ku naon kaayaan Daud bisa jadi jiga kitu? Saul kacida sirikna ka Daud. Daud téh dipikaresep ku loba jalma jeung diagul-agulkeun lantaran geus ngéléhkeun loba musuh. Geus kitu Saul gé apal, lantaran manéhna teu taat, manéhna ditolak ku Yéhuwa sabagé raja Israél jeung bakal digantikeun ku Daud. (1 Sam. 23:16, 17) Tapi sabagé raja di Israél, Saul téh boga pasukan nu gedé jeung loba nu ngadukung manéhna, ku kituna Daud kudu kabur jeung nyalametkeun diri. Na Saul téh bener-bener mikir yén manéhna bisa ngagagalkeun rencana Yéhuwa pikeun ngangkat Daud jadi raja? (Yes. 55:11) Alkitab teu nyaritakeun hal éta, tapi nu pasti mah, Saul téh ngarugikeun dirina sorangan. Jalma nu ngalawan ka Allah mah pasti gagal! w22.01 2 ¶1-2
Saptu, 29 April
Nikodémus . . . datang peuting-peuting.—Yah. 3:1, 2.
Isa téh getol pisan ngawawar. Manéhna nyaah ka jalma-jalma. Jadi unggal aya kasempetan manéhna pasti ngajar jalma-jalma. (Luk. 19:47, 48) Ku naon manéhna bisa kitu? Isa téh karunya ka maranéhna, sakapeung aya loba jalma nu hayang ngadéngékeun Isa nepi ka manéhna jeung para muridna ”teu kaburu dahar-dahar acan”. (Mar. 3:20) Geus kitu, basa aya nu rék diajar, najan geus peuting, Isa daék ngajar jalma éta. Mémang kalolobaan jalma nu ngadéngékeun Isa téh teu jadi muridna, tapi Isa tetep méré kasaksian sajéntré-jéntréna. Kiwari gé, urang hayang unggal jalma meunang kasempetan pikeun ngadéngékeun warta hadé. (Kis. 10:42) Ku kituna, urang hayang nyaluyukeun cara dines urang. Urang embung ngan nuturkeun jadwal nu cocog keur urang, tapi urang hayang nyaluyukeun jadwal urang supaya bisa panggih jeung leuwih loba jalma. Yéhuwa téh pasti ngahargaan usaha urang. w22.01 17 ¶13-14
Minggu, 30 April
Aya sawatara jelema anu nyarangking kawasa, ari nu sejenna sangsara ku lantaran kakawasaan maranehna.—Pan. 8:9.
Dina jaman ayeuna, loba jalma sok teu percaya ka nu boga wewenang. Maranéhna ningali kumaha hukum jeung sistim pulitik téh leuwih ngadukung jalma-jalma nu penting atawa nu beunghar tibatan ka nu miskin. Salian ti éta, kalakuan ti para pamingpin agama téh goréng, ku kituna loba jalma jadi teu percaya deui ka Allah. Jadi waktu urang ngajarkeun Alkitab ka batur, urang kudu ngabantu maranéhna pikeun percaya ka Yéhuwa sarta ka wakil-wakil-Na nu aya di bumi. Tangtu, lain palajar Alkitab hungkul nu kudu diajar pikeun percaya ka Yéhuwa jeung organisasi-Na. Kitu gé jeung urang, najan geus ngawula Yéhuwa mangtaun-taun, urang kudu terus percaya yén cara nu digunakeun Yéhuwa téh cara nu panghadéna. Sakapeung aya sababaraha kaayaan nu bisa nyababkeun urang teu percaya deui ka Yéhuwa. w22.02 2 ¶1-2