PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es23 kaca 47-57
  • Méi

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Méi
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2023
  • Subjudul
  • Senén, 1 Méi
  • Salasa, 2 Méi
  • Rebo, 3 Méi
  • Kemis, 4 Méi
  • Jumaah, 5 Méi
  • Saptu, 6 Méi
  • Minggu, 7 Méi
  • Senén, 8 Méi
  • Salasa, 9 Méi
  • Rebo, 10 Méi
  • Kemis, 11 Méi
  • Jumaah, 12 Méi
  • Saptu, 13 Méi
  • Minggu, 14 Méi
  • Senén, 15 Méi
  • Salasa, 16 Méi
  • Rebo, 17 Méi
  • Kemis, 18 Méi
  • Jumaah, 19 Méi
  • Saptu, 20 Méi
  • Minggu, 21 Méi
  • Senén, 22 Méi
  • Salasa, 23 Méi
  • Rebo, 24 Méi
  • Kemis, 25 Méi
  • Jumaah, 26 Méi
  • Saptu, 27 Méi
  • Minggu, 28 Méi
  • Senén, 29 Méi
  • Salasa, 30 Méi
  • Rebo, 31 Méi
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2023
es23 kaca 47-57

Méi

Senén, 1 Méi

Perhatikeun bener-bener conto manéhna.​—Ibr. 12:3.

Supaya urang bisa kenal ka Putra-Na, Yéhuwa geus nyatet opat Injil dina Firman-Na. Opat Injil ieu téh nyaritakeun kahirupan jeung palayanan Yésus. Jadi urang bisa apal omongan, tindakan, jeung parasaan Yésus. Mun maca opat Injil, urang téh saolah-olah keur ningali tapakna Yésus. Urang jadi bisa bener-bener mikirkeun tuladan Yésus. Terus, urang gé bisa beuki kenal ka Yésus. Ku kituna, urang bisa nuturkeun tuladan Yésus sabisa-bisana. Supaya urang bisa meunang mangpaat sapinuhna tina Injil, teu cukup mun saukur dibaca wungkul. Urang kudu nyadiakeun waktu pikeun bener-bener mikirkeun eusina. (Bandingkeun Yosua 1:8, NW.) Bayangkeun kisah nu dicaritakeun dina Injil. Pék tingali, déngé, jeung rasakeun naon nu keur kajadian. Urang kudu mariksa publikasi-publikasi nu disadiakeun ku organisasi. w21.04 5 ¶11-13

Salasa, 2 Méi

Urang-urang mah nguarkeun warta ngeunaan Al-Masih nu dipaéhan dina tihang. Warta éta hésé ditarima ku urang Yahudi.​—1 Kor. 1:23.

Ratusan taun saacan Yésus maot, Yéhuwa geus nyebutkeun dina Firman-Na yén Mésias bakal dihianatan demi 30 geblég pérak. (Jak. 11:12, 13) Nu ngahianatna téh sobatna sorangan. (Jab. 41:10) Terus Nabi Jakaria nulis, ”Tarajang itu pangangon anu digawe pikeun Kami! Paehan, dombana pabalencarkeun.” (Jak. 13:7) Jelema anu bener mah moal eureun jadi murid Yésus waktu ningali kajadian éta. Justru, imanna bakal beuki kuat. Na dina jaman ayeuna gé masalahna sarua? Enya. Dina jaman urang gé, aya sababaraha Saksi anu eureun ngawula Yéhuwa. Geus kitu maranéhna jadi jalma murtad jeung hayang ngahasud dulur-dulur saiman nu séjén. Maranéhna ngagogoréng urang, nyebarkeun carita nu geus diréka-réka, sarta nyebarkeun kabohongan ngeunaan Saksi Yéhuwa dina koran, radio, TV, jeung Internét. Tapi, jalma anu bener mah moal kapangaruhan. Maranéhna teu héran, sabab hal-hal éta geus diramalkeun dina Alkitab.​—Mat. 24:24; 2 Pet. 2:18-22. w21.05 11 ¶12; 12 ¶18-19

Rebo, 3 Méi

Lalampahan jelema anu satuhu, saibarat srangenge medal, beuki beurang beuki caang.​—Sil. 4:18.

Tapi urang teu kudu héran, Alkitab ngajelaskeun pamahaman umat Allah téh beuki lila bakal beuki jelas. (Kol. 1:9, 10) Cara Yéhuwa nyingkabkeun bebeneran téh teu langsung sakaligus. Jadi, urang kudu sabar ngadagoan nepi ka caang bebeneran téh beuki ngagebray. Waktu Badan Pingpinan sadar aya pamahaman nu kaliru, maranéhna langsung nyieun parobahan. Ari garéja-garéja mah nyieun parobahan téh ngan pédah hayang dipikaresep ku umatna atawa hayang leuwih kasohor deui. Tapi parobahan nu dijieun ku organisasi Yéhuwa mah supaya bisa ngadeukeutkeun urang jeung Allah sarta mulihkeun deui cara ibadah nu Isa ajarkeun. (Yak. 4:4) Parobahan nu dijieun téh teu ngan saukur nuturkeun tren atawa kahayang jalma-jalma, tapi supaya urang leuwih paham kana Alkitab. Urang cinta kana bebeneran!​—1 Tés. 2:3, 4. w21.10 22 ¶12

Kemis, 4 Méi

Pasrahkeun sakabéh kahariwangan aranjeun ka Anjeunna.​—1 Pét. 5:7.

Naon nu bisa sadérék lakukeun waktu ngarasa sorangan? Pikirkeun kumaha Yéhuwa geus nulungan Sadérék. (Jab. 55:23) Ku kituna, Sadérék moal ngarasa sorangan deui. Pikirkeun ogé kumaha Yéhuwa nulungan dulur saiman anu ngarasa sorangan. (1 Pet. 5:9, 10) Hiroshi téh saurang sadérék nu geus lila jadi Saksi. Manéhna hiji-hijina Saksi dina kulawargana. ”Kabéh bajoang pikeun ngawula Yéhuwa. Mun mikirkeun ieu, saha waé anu kulawargana lain Saksi pasti dikuatkeun.” Pék rutin ngadoa, maca Alkitab, jeung masamoan. Dina doa, pék ungkabkeun parasaan Sadérék ka Yéhuwa. Rutin maca Alkitab téh penting pisan. Pikirkeun kisah mana waé nu ngayakinkeun Sadérék yén Yéhuwa téh nyaah ka Sadérék. Sababaraha sadérék ngapalkeun ayat nu nengtremkeun haté, misalna Jabur 27:10 jeung Yesaya 41:10. Aya ogé anu ngadéngékeun rekaman audio pas keur persiapan pikeun pasamoan atawa keur maca Alkitab. Éta ngabantu maranéhna supaya teu ngarasa sorangan teuing. w21.06 9-10 ¶5-8

Jumaah, 5 Méi

Moal sieun kagerebeg ku bahla nu datangna jeg angin topan.​—Sil. 3:25.

Na Sadérék téh keur sedih pisan lantaran aya nu maot? Mun kitu, sadiakeun waktu pikeun maca kisah-kisah dina Alkitab ngeunaan jalma nu dihirupkeun deui. Éta bisa nguatkeun iman Sadérék. Atawa, na Sadérék téh keur sedih lantaran aya kulawarga nu dipecat? Pék buktikeun sorangan yén cara Yéhuwa ngadisiplin saurang jalma téh cara nu panghadéna. Teu sual naon waé masalah Sadérék, anggap ieu téh kasempetan pikeun nguatkeun iman Sadérék. Budalkeun eusi haté Sadérék ka Yéhuwa. Ulah nyorangan baé, tapi terus campur gaul jeung dulur saiman. (Sil. 18:1) Lakukeun naon waé nu bisa ngabantu Sadérék tetep teger, sanajan kudu maksakeun diri. (Jab. 126:5, 6) Sing rutin masamoan, dines, jeung maca Alkitab. Pikirkeun ogé jangji-jangji Yéhuwa keur Sadérék dina mangsa ka hareup. Lamun Sadérék ngarasakeun sorangan kumaha Yéhuwa nulungan Sadérék, pasti iman Sadérék gé bakal leuwih kuat deui. w21.11 23 ¶11; 24 ¶17

Saptu, 6 Méi

Kitu ogé, kahayang Bapa urang nu di sorga mah ulah aya saurang-urang acan ti jalma-jalma nu siga budak leutik ieu anu leungit.​—Mat. 18:14.

Naon deui alesan séjénna murid-murid Yésus disaruakeun jiga ”barudak leutik”? Pikirkeun hal ieu. Saha anu ku dunya dianggap penting? Biasana mah jelema nu beunghar, anu kasohor, jeung nu boga kawasa. Tapi, ari murid-murid Yésus mah dianggap teu penting jeung disapirakeun, jiga ”barudak leutik”. (1 Kor. 1:26-29) Najan kitu, keur Yéhuwa mah maranéhna téh penting. Ku naon Yésus ngabahas ngeunaan ”barudak leutik ieu”? Sabab murid-muridna nanya kieu ka anjeunna, ”Dupi anu bakal pangpunjulna di Karajaan Sawarga, saha?” (Mat. 18:1) Harita, loba urang Yahudi hayang dihormat ku batur. Malah ceuk saurang ahli, ”Keur jalma-jalma harita, nu pangpentingna téh nyaéta dihormat ku batur sarta jadi jalma nu kasohor.” Yesus apal, murid-muridna bisa kabawakeun ku cara pikir urang Yahudi nu hayang dianggap leuwih punjul ti batur. Jadi, maranehna kudu upaya pikeun ngarobah cara pikirna. w21.06 20 ¶2; 21 ¶6, 8; 22 ¶9

Minggu, 7 Méi

Minyak jeung seuseungitan kaangseuna seger, ari sobat dalit matak teger.​—Sil. 27:9.

Sabagé kokolot, Rasul Paulus téh méré tuladan nu alus. Misalna, manéhna teu asa-asa méré naséhat nu dibutuhkeun keur dulur-dulur saimanna di Tésalonika. Dina suratna, Paulus muji maranéhna nu getol ngajalankeun tugasna ku lantaran iman, kanyaah, sarta katabahan maranéhna. Paulus gé mikirkeun kaayaan maranéhna jeung ngarti kana kasusah nu disanghareupanana. Manéhna gé apal yén dulur-dulurna téh tabah nyanghareupan panganiayaan. (1 Tés. 1:3; 2 Tés. 1:4) Paulus muji jeung ngabéjaan yén maranéhna téh jadi tuladan nu alus keur urang-urang Kristen séjénna. (1 Tés. 1:8, 9) Maranéhna pasti bungah pisan waktu maca surat ti Paulus! Paulus téh pasti nyaah pisan ka dulur-dulur saimanna. Éta nu ngabantu Paulus bisa nepikeun naséhat ku cara nu hadé dina dua suratna ka dulur-dulur saiman di Tésalonika.​—1 Tés. 4:1, 3-5, 11; 2 Tés. 3:11, 12. w22.02 15 ¶6

Senén, 8 Méi

Anjeunna bakal nyusutan cipanon maranéhna. Moal aya deui nu maot.​—Why. 21:4.

Sétan ogé ngagunakeun para pamingpin agama palsu pikeun ngajarkeun yén Yéhuwa téh kejem jeung nyababkeun manusa sangsara. Malah, aya nu ngomong mun budak leutik maot, manéhna téh dipanggil ku Allah pikeun dijadikeun malaikat di sawarga. Meni teungteuingeun pisan! Urang mah nyaho nu sabenerna. Mun urang gering parah atawa aya nu maot, urang moal nyalahkeun Allah. Justru, urang percaya engké Allah bakal nyageurkeun nu garering jeung ngahirupkeun deui nu maraot. Jadi, urang bisa méré nyaho saha waé anu daék ngadéngékeun yén Yéhuwa téh Allah anu nyaah ka manusa. Ku kituna, engké Yéhuwa bisa méré jawaban ka anu nyela ka Mantenna. (Sil. 27:11) Yéhuwa téh Allah anu nyaahan. Jadi waktu urang sangsara, misalna gara-gara panganiayaan, panyakit, atawa kateusampurnaan, Mantenna sedih pisan. (Jab. 22:24, 25) Yéhuwa ngarti naon nu urang rasakeun. Mantenna hayang jeung bakal nyingkirkeun kasusah urang.​—Bandingkeun Budalan 3:7, 8; Yesaya 63:9. w21.07 9-10 ¶9-10

Salasa, 9 Méi

Dimakutaan ku kamulyaan sareng kahormatan.​—Jab. 8:6.

Jalma-jalma anu nurut ka Yéhuwa bakal meunang kahormatan pikeun ibadah jeung mikanyaah Mantenna salilana! Engké, Yésus gé bakal nyingkirkeun kabéh masalah anu disababkeun ku putusan Adam jeung Hawa. Terus, Yéhuwa bakal ngahirupkeun deui jutaan jalma. Maranéhna bisa hirup langgeng di bumi nu geus dirobah jadi pirdaus. (Luk. 23:42, 43) Maranéhna bakal bener-bener bagja. Mun jalma-jalma beuki sampurna, maranéhna bakal bisa némbongkeun ”kamulyaan sareng kahormatan”, jiga nu ditulis ku Daud. Lamun Sadérék bagian tina ”jelema kacida lobana”, Sadérék gé boga harepan anu éndah. (Wahyu 7:9) Yéhuwa nyaah ka Sadérék. Mantenna gé hayang Sadérék jadi kulawarga-Na. Jadi, pék sabisa-bisa senangkeun Mantenna. Unggal poé, pikirkeun harepan Sadérék. Hargaan kahormatan pikeun ngawula Yéhuwa jeung ngamulyakeun Mantenna salilana! w21.08 7 ¶18-19

Rebo, 10 Méi

Urang bakal ngala hasilna dina waktuna.​—Gal. 6:9.

Nabi Yérémia ngawawar salila puluhan taun, padahal jalma-jalma harita embung ngadéngékeun jeung nentang manéhna. Maranéhna ”pada ngahina pada nyarekan” nepi ka Yérémia jadi leutik haté jeung hayang eureun tina tugasna. (Yer. 20:8, 9) Tapi Yérémia teu nyerah! Ku naon manéhna bisa terus ngajalankeun tugasna jeung ngarasa bungah deui? Manéhna mikirkeun dua hal nu penting. Kahiji: Warta ti Allah bisa méré ”pijamugaeun ka hareup” keur jalma-jalma. (Yer. 29:11) Kadua: Manéhna téh geus dipilih ku Yéhuwa pikeun nepikeun warta ti Anjeunna. (Yer. 15:16) Ayeuna, urang gé keur ngabagikeun warta nu bisa méré harepan keur jalma-jalma. Sarta, urang téh jadi nyandang ngaran Yéhuwa sabagé Saksi-Na. Jadi lamun urang mikirkeun dua hal penting éta, urang bisa bungah dina palayanan sanajan jalma-jalma embung ngadéngékeun. Urang gé teu perlu leutik haté atawa nyerah lamun kamajuan palajar Alkitab teu sagancang nu dipikahayang ku urang. Urang kudu sabar waktu ngabantu jalma nepi ka dibaptis.​—Yak. 5:7, 8. w21.10 27 ¶12-13

Kemis, 11 Méi

Hayu urang piceun sakabéh beban jeung dosa nu gampang ngabeulit urang.​—Ibr. 12:1.

Teu sual geus sabaraha lila urang ngawula Yéhuwa, urang kudu terus ngajaga jeung nguatkeun iman urang. Ku naon? Sabab mun teu ati-ati, iman urang bisa lemah. Sing inget, iman téh dasarna tina hal-hal anu teu katingali. Mun urang teu bisa ningali hiji hal, biasana urang sok gancang poho. Ceuk Paulus, iman anu lemah téh jiga ”dosa anu babari ngajiret urang”. Kumaha carana supaya iman urang tetep kuat? (2 Tes. 1:3) Kahiji, terus pénta roh suci Allah. Ku naon? Sabab iman téh hasil tina roh suci Allah. (Gal. 5:22, 23) Urang teu bisa nguatkeun jeung ngajaga iman urang ka Nu Nyipta mun teu dibantuan ku roh suci-Na. Lamun urang terus ménta roh suci ti Allah, tangtu Mantenna gé bakal méré. (Luk. 11:13) Urang gé bisa ngadoa, ”Kiatkeun kapercayaan abdi-abdi.” (Luk. 17:5) Kadua, sing rutin diajar Firman Allah.​—Jab. 1:2, 3. w21.08 18 ¶16-18

Jumaah, 12 Méi

Huis minangka makuta mulya.​—Sil. 16:31.

Yéhuwa masih ngagunakeun sadérék anu sepuh dina organisasi-Na. Sanajan ayeuna tanaga maranéhna meureun teu jiga baheula, maranéhna téh boga loba pangalaman. Yéhuwa masih bisa ngagunakeun sadérék nu sepuh dina rupa-rupa hal. Misalna dina Alkitab, aya conto ti jalma-jalma nu terus satia ngalayanan Yéhuwa nepi ka kolotna. Misalna, Musa. Manéhna dipilih ku Yéhuwa pikeun jadi nabi jeung pamingpin keur urang Israél waktu umurna 80 taunan. Salian ti éta, aya Daniél. Manéhna tetep digunakeun ku Yéhuwa pikeun jadi nabi sanajan geus umur 90 taunan. Terus, aya ogé Rasul Yahya. Manéhna digunakeun ku Yéhuwa pikeun nulis buku Wahyu waktu umurna geus 90 taunan. Aya ogé ”jalma bener jeung soléh”, nu ngaranna Siméon. Dina Alkitab, katerangan ngeunaan manéhna téh ngan saeutik. Tapi Yéhuwa tetep merhatikeun jeung méré kahormatan ka manéhna. Manéhna bisa ningali Isa waktu masih orok kénéh. Manéhna gé bisa nyebutkeun ramalan ngeunaan Isa jeung indungna.​—Luk. 2:22, 25-35. w21.09 3-4 ¶5-7

Saptu, 13 Méi

Nun PANGERAN, abdi parantos ampun tina kaadigungan, . . . Tara urusan sareng perkara arageung.​—Jab. 131:1.

Kolot kudu ati-ati, ulah nepi ka ngabanding-bandingkeun budak nu hiji jeung budak nu séjén, atawa ngarepkeun budak ngalakukeun hiji hal nu di luar kasanggupan manéhna. Mun kolot jiga kitu, budak bisa sedih. (Epe. 6:4) Saurang sadérék istri nu ngaranna Sachiko ngomong, ”Si Mamah hayang abdi meunang peunteun 100. Jelas-jelas éta téh mustahil. Abdi geus sababaraha taun tamat sakola. Tapi, abdi masih osok ngarasa nu dilakukeun ku abdi téh kurang kénéh keur Yéhuwa, padahal abdi geus upaya sabisa-bisana.” Raja Daud ngomong, manéhna téh ”tara urusan sareng . . . sual-sual anu langkung ti sulit” atawa nu teu sanggup digawékeun ku manéhna. Ku lantaran rendah haté jeung sadar diri, manéhna bisa ”ngaraos puas sareng tengtrem”. (Jab. 131:2) Naon palajaranana keur kolot? Nu jadi kolot téh kudu rendah haté. Ulah ngarepkeun dirina atawa barudakna ngalakukeun hal-hal nu di luar kasanggupan maranéhna. Kolot bisa mantuan budakna ningali naon nu sanggup jeung teu sanggup dilakukeun ku budakna. Jadi, budak bisa netepkeun cita-cita nu sanggup dihontal ku manéhna. w21.07 21-22 ¶5-6

Minggu, 14 Méi

Unggal jalma bakal manggul tanggunganana sorangan.​—Gal. 6:5.

Sing inget, Yéhuwa téh méré urang kabébasan pikeun milih. Éta hartina urang bisa milih rék ngawula Yéhuwa atawa henteu. Aya kolot nu lain picontoeun keur budakna, tapi budakna tetep milih pikeun ngawula Yéhuwa. Aya ogé kolot nu geus sabisa-bisana ngajarkeun budakna pikeun mikanyaah Yéhuwa, tapi budakna malah milih pikeun ninggalkeun Yéhuwa. Ku kituna, urang sorangan nu kudu milih rék ngawula Yéhuwa atawa henteu. (Yos. 24:15) Jadi sing yakin, lain Sadérék nu nyababkeun budak Sadérék ninggalkeun Yéhuwa! Meureun aya kolot nu ninggalkeun Yéhuwa, malah kulawargana ogé ditinggalkeun. (Jab. 27:10) Barudakna pasti sedih pisan, komo deui mun manéhna nganggap kolot téh sabagé tuladan. Barudak ngora, lamun kolot anjeun dipecat, urang kabéh milu sedih! Sing yakin, Yéhuwa pasti ngarti kumaha peurihna haté anjeun. Sing inget, lain anjeun nu nyababkeun hal éta kajadian. w21.09 27 ¶5-7

Senén, 15 Méi

Yéhuwa ngadisiplin jalma-jalma nu dipikanyaah ku Anjeunna.​—Ibr. 12:6.

Urang bisa nganggap urang Kristen nu dipecat jiga domba nu gering. Manéhna téh keur gering sacara rohani. (Yak. 5:14) Siga jalma gering nu bisa népakeun panyakitna, jalma nu keur gering sacara rohani gé bisa mangaruhan batur. Manéhna kudu dipisahkeun heula supaya teu campur gaul jeung sidang. Disiplin téh cara Yéhuwa pikeun ngajaga sidang, sarta éta bisa ngageuing jalma nu nyieun kasalahan supaya tobat. Jalma nu dipecat téh masih bisa datang ka pasamoan. Di ditu, manéhna bisa meunangkeun kadaharan rohani jeung nguatkeun deui imanna. Manéhna gé bisa nyokot publikasi keur dibaca sorangan. Geus kitu, manéhna masih bisa nongton JW Broadcasting®. Bari terus merhatikeun kamajuanana, para kokolot bisa terus méré anjuran keur manéhna supaya manéhna bisa séhat deui jeung bisa diumumkeun deui sabagé Saksi Yéhuwa. w21.10 10 ¶9, 11

Salasa, 16 Méi

Nu bakal asup ka Pamaréntahan sorga téh lain jalma nu nyebut urang, ”Juragan, Juragan”.​—Mat. 7:21.

Kiwari, urang nuturkeun cara ibadah jeung pangaturan séjénna ti sidang Kristen dina abad kahiji. Misalna sarua siga baheula, dina organisasi urang téh aya pangawas kuriling, kokolot, jeung palayan sidang. (Flp. 1:1; Tit. 1:5) Siga sidang Kristen abad kahiji, urang nuturkeun patokan hirup ngeunaan séks, perkawinan, jeung getih. Urang gé ngalindungan sidang ti jalma-jalma dosa nu embung tobat. (Kis. 15:28, 29; 1 Kor. 5:11-13; 6:9, 10; Ibr. 13:4) Alkitab ngajelaskeun ngan aya ”hiji iman”, atawa hiji agama, nu ditarima ku Allah. (Éf. 4:4-6) Urang pasti bungah pisan bisa jadi salah sahiji umat Yéhuwa! Urang gé bungah bisa ngarti kana bebeneran ngeunaan Yéhuwa jeung tujuana-Na. Mugia urang bisa terus yakin jeung nyekel pageuh ieu bebeneran. w21.10 22-23 ¶15-17

Rebo, 17 Méi

Daragoan bae bari ngajaranteng. Engke nyata aranjeun tangtu diunggulkeun ku PANGERAN.​—2 Bab. 20:17.

Raja Yosapat meunang tangtangan nu beurat pisan. Aya pasukan urang Amon, Moab, jeung jalma-jalma di pagunungan Séir nu rék nyerang Raja Yosapat, kulawargana, jeung rahayatna. (2 Bab. 20:1, 2) Naon nu dilakukeun ku Raja Yosapat? Manéhna ngadoa ka Yéhuwa ménta bantuan sarta kakuatan. Doa Yosapat nu rendah haté ieu dicatet dina 2 Babad 20:5-12. Di ditu katingali yén Raja Yosapat téh bener-bener ngandel ka Bapana di sorga nu nyaahan. Liwat urang Léwi nu ngaranna Yéhasiél, Yéhuwa ngucapkeun ayat poé ieu ka Yosapat. Yosapat bener-bener ngandel ka Yéhuwa jeung daék nuturkeun pituduh-Na. Jadi waktu manéhna jeung para prajuritna rék merangan musuh, Yosapat nempatkeun juru kawih nu teu boga senjata di barisan panghareupna, lain para prajurit nu hébat. Yéhuwa nyumponan jangji-Na ka Yosapat. Anjeunna numpes pasukan musuh.​—2 Bab. 20:18-23. w21.11 15-16 ¶6-7

Kemis, 18 Méi

Asihing PANGERAN teh taya kandegna, welas-Na taya suda-Na.​—Tan. 3:22.

Waktu urang nyanghareupan kasusah, urang bisa percaya Yéhuwa téh bakal ngabantu urang pikeun tetep satia ka Anjeunna. (2 Kor. 4:7-9) Jadi urang bisa yakin, Yéhuwa téh bakal terus némbongkeun kaasih-Na nu langgeng ka urang, ku sabab nu nulis Jabur nyebutkeun yén ”PANGERAN nitenan ka nu nurut ka Mantenna, ka nu ngaharep kana satia asih-Na.” (Jab. 33:18-22) Saacan urang ngawula Yéhuwa, urang téh geus ngarasakeun kaasih Yéhuwa. Tapi sabagé umat-Na, urang gé bisa ngarasakeun kaasih-Na nu langgeng. Jadi ku lantaran kaasih éta, urang téh bakal terus dilindungan dina panangan Yéhuwa. Yéhuwa téh ngajaga urang supaya terus deukeut jeung Anjeunna. Anjeunna gé bakal nyumponan kabéh jangji-Na keur urang. Yéhuwa téh hayang urang terus jadi sobat-Na! (Jab. 46:2, 3, 8) Jadi naon waé kasusah nu disanghareupan, Yéhuwa téh bakal méré kakuatan supaya urang bisa terus satia. w21.11 6-7 ¶17-18

Jumaah, 19 Méi

Aranjeun kudu terus silih sabaran jeung iklas silih hampura.​—Kol. 3:13.

Urang meureun apal aya jalma nu teterusan ambek ka batur gawéna, batur sakolana, atawa ka kulawargana, malahan nepi ka mangtaun-taun! Pék perhatikeun kasapuluh lanceuk Yusuf nu ambek ka manéhna nepi ka ngalakukeun hal nu kejem ka Yusuf. (Kaj. 37:2-8, 25-28) Tapi Yusuf mah teu ngabales maranéhna. Yusuf némbongkeun sipat welas sanajan aya kasempetan pikeun ngabales lanceuk-lanceukna. Yusuf henteu ngunek-ngunek, malahan mah manéhna nuturkeun naséhat nu dicatet dina Imamat 19:18. (Kaj. 50:19-21) Urang Kristen nu hayang nyenangkeun Allah perlu nyonto sikep Yusuf. Manéhna henteu ngabales dulur-dulurna, tapi daék ngahampura maranéhna. Isa ménta supaya urang ngahampura dosa batur. (Mat. 6:9, 12) Hal ieu gé mirip jeung naséhat Rasul Paulus ka urang Kristen, ”Dulur-dulur nu dipikanyaah, ulah ngabales.”​—Rm. 12:19. w21.12 11 ¶13-14

Saptu, 20 Méi

Mantenna nyumponan kabutuh jalma anu ngahormat, kersa ngadangu sarta nyalametkeun sakur nu jumerit ka Mantenna.​—Jab. 145:19.

Dina peuting 14 Nisan 33 M, Isa indit ka Taman Gétsemani. Di ditu manéhna ngabudalkeun eusi haténa ka Yéhuwa. (Luk. 22:39-44) Harita Isa ngarasa susah pisan, manéhna ”husu ngadoa . . . bari ngajerit jeung ceurik”. (Ibr. 5:7) Naon nu didoakeun ku Isa dina peuting saacan manéhna maot? Manéhna ngadoa ménta kakuatan supaya bisa terus satia jeung ngajalankeun kahayang Yéhuwa. Yéhuwa ngadéngé jumerit Putra-Na, tuluy Anjeunna ngutus hiji malaikat pikeun nguatkeun Isa. Isa mikirkeun tanggung jawabna nu beurat pisan, nyaéta kudu nyucikeun nami Bapana. Yéhuwa ngadéngékeun paménta Isa nu enya-enya, ku naon? Lantaran Isa téh leuwih mikirkeun kasatiaanana ka Bapana jeung tugasna pikeun nyucikeun nami Bapana. Lamun urang leuwih mikirkeun kasatiaan urang ka Yéhuwa, Anjeunna gé bakal ngajawab doa urang.​—Jab. 145:18. w22.01 17-18 ¶15-17

Minggu, 21 Méi

Ku sabab eta datangan jalma-jalma ti sagala bangsa, jaradikeun murid, baptis maranéhna . . . ajar maranéhna.​—Mat. 28:19, 20.

Ayeuna gé, loba jalma nu teu resep ka urang lantaran urang henteu pipilueun dina urusan pulitik. Maranéhna hayang urang miluan nyoblos waktu aya pemilu. Tapi urang apal, dina pandangan Yéhuwa, mun urang milih pamingpin manusa, éta hartina urang nolak Mantenna. (1 Sam. 8:4-7) Jalma-jalma gé meureun mikir sakuduna urang téh ngawangun sakola, rumah sakit, atawa ngalakukeun kagiatan-kagiatan amal séjénna. Éta sababna, jalma-jalma embungeun ngadéngékeun warta urang, lantaran nu diutamakeun ku urang téh nyaéta kagiatan pangwawaran, lainna langsung ngaréngsékeun masalah-masalah nu aya di dunya. Kumaha supaya iman urang tetep kuat? (Mat. 7:21-23) Nu kudu diutamakeun ku urang téh nyaéta ngajalankeun paréntah Yésus. Urang kuduna teu disimpangkeun ku urusan pulitik atawa masalah-masalah nu aya di dunya. Urang mémang nyaah ka jalma-jalma jeung hayang mantuan maranéhna. Tapi urang apal cara nu panghadéna pikeun mantuan maranéhna téh nyaéta ku ngajarkeun ngeunaan Karajaan Allah jeung mantuan maranéhna jadi sobat Yéhuwa. w21.05 7 ¶19-20

Senén, 22 Méi

Dina ahir jaman, kaayaanana téh bakal susah jeung bahaya.​—2 Tim. 3:1.

Loba pamaréntah ayeuna ngakuna mah ngawula Allah, tapi maranéhna embung ngaleupaskeun hak maréntahna ka Allah. Jadi sarua jiga pamaréntah di jaman Isa baheula, pamaréntah kiwari gé nolak Pribadi nu Dilantik ku Yéhuwa ku cara nganiaya urang Kristen. (Kis. 4:25-28) Kumaha sikep Yéhuwa? Jabur 2:10-12 nyebutkeun, ”Ku sabab kitu, he para raja, masing daek ngarti, kitu keneh anu nyarekel kakawasaan, tarima ieu pepeling! Sing ibadah ka PANGERAN, kalawan sieun, geura sumujud ka Mantenna bari gumeter. Sabab lamun teu kitu tangtu Mantenna bendu; aranjeun tangtu tiwas. Bagja sing saha anu nyalindung ka Mantenna!” Ayeuna Yéhuwa masih kénéh méré kasempetan ka jalma-jalma nu nentang. Maranéhna masih bisa barobah jeung mihak ka Pamaréntahan Yéhuwa. (Yes. 61:2) Jadi jalma-jalma kudu geura nyaho kana bebeneran jeung milih pikeun ngalalayanan Yéhuwa. w21.09 15-16 ¶8-9

Salasa, 23 Méi

Lamun urang boga dahareun jeung pakéan, urang bakal puas ku hal-hal éta.​—1 Tim. 6:8.

Maksud Paulus téh urang kudu puas kana hal-hal nu geus dipiboga ku urang. (Flp. 4:12) Hal nu pangpentingna téh nyaéta hubungan urang jeung Allah, lain harta banda urang. (Hab. 3:17, 18) Coba pikirkeun omongan Musa ka bangsa Israél sanggeus maranéhna ngumbara salila 40 taun di gurun keusik, ”PANGERAN Allah maraneh ngaberkahan sagala panggawe maraneh. Opat puluh taun lilana maraneh terus disarengan, sagala rupa pangabutuh maraneh ku Mantenna diayakeun.” (Pam. 2:7) Salila 40 taun, Yéhuwa nyadiakeun manna pikeun dahareun maranéhna. Papakéanana, nu dipaké ti mimiti maranéhna kaluar ti Mesir teu pernah ruksak. (Pam. 8:3, 4) Yéhuwa téh bakal bungah pisan mun urang ngahargaan sakabéh paméré ti Anjeunna, kaasup hal-hal nu leutik. w22.01 4-5 ¶10-11

Rebo, 24 Méi

Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan.​—Sil. 3:5.

Para salaki, Sadérék téh boga tanggung jawab pikeun ngurus kulawarga. Ku kituna, pasti Sadérék ngusahakeun sakuat tanaga pikeun ngajaga sarta minuhan pangabutuh kulawarga Sadérék. Waktu aya masalah, meureun Sadérék mikir yén Sadérék téh bisa nyanghareupanana sorangan. Tapi, tong ngandelkeun diri sorangan. Sadérék bisa ngadoa pribadi pikeun ménta bantuan ka Yéhuwa. Salian ti éta, Sadérék gé bisa ngadoa bareng jeung pamajikan. Téangan naséhat Yéhuwa liwat Alkitab jeung publikasi-publikasi nu disadiakeun ku organisasi Yéhuwa. Sanggeus éta, larapkeun naséhatna. Bisa jadi, batur teu satuju kana putusan Sadérék. Cenah mah lamun urang boga duit, urang bisa ngajaga sarta minuhan sakabéh pangabutuh kulawarga urang. Tapi, sing inget kana tuladan Yosapat. (2 Bab. 20:1-30) Tindakanana némbongkeun manéhna téh ngandel ka Yéhuwa. Yéhuwa teu pernah ninggalkeun priya satia éta. Anjeunna gé moal ninggalkeun Sadérék.​—Jab. 37:28; Ibr. 13:5. w21.11 15 ¶6; 16 ¶8

Kemis, 25 Méi

Allah . . . satuhu sarta saestu.​—Pam. 32:4.

Urang diciptakeun boga sipat nu mirip siga Allah, jadi urang hayang ningali batur meunang kaadilan. (Kaj. 1:26) Tapi urang téh teu sampurna, jadi urang bisa waé salah ngahakiman sanajan urang nyaho sakabéh faktana. Misalna, Yunus teu satuju kana putusan Yéhuwa pikeun ngahampura urang Niniwé. (Yun. 3:10–4:1) Tapi kumaha hasilna? Ku lantaran putusan ti Yéhuwa ieu, aya leuwih ti 120.000 urang Niniwé nu tobat jeung disalametkeun. Tungtungna, urang nyaho nu salah téh Yunus, lain Yéhuwa. Yéhuwa téh henteu wajib pikeun ngajelaskeun ka manusa ku naon Anjeunna nyieun hiji putusan. Mémang, baheula Yéhuwa ngidinan hamba-hamba-Na ngungkabkeun parasaanana kana putusan nu geus dijieun atawa nu rék dijieun ku Anjeunna. (Kaj. 18:25; Yun. 4:2, 3) Sakapeung Anjeunna gé nerangkeun alesanana. (Yun. 4:10, 11) Tapi, Yéhuwa teu kudu ménta idin atawa ngajelaskeun ka urang, boh saacan boh sanggeus nyieun tindakan.​—Yes. 40:13, 14; 55:9. w22.02 3-4 ¶5-6

Jumaah, 26 Méi

Lamun hayang jadi nu pangpunjulna kudu daék jadi nu pangorana, lamun hayang jadi pamingpin kudu daék ngaladénan.​—Luk. 22:26.

Urang bisa jadi saperti ”anu panghandapna” lamun urang nganggap batur ”leuwih hade ti batan diri sorangan”. (Pil. 2:3) Lamun urang jiga kitu, urang bakal leuwih jarang nganyenyeri haté batur. Kabéh dulur saiman téh sahenteuna pasti boga hiji hal nu leuwih hadé tibatan urang. Urang bisa nganggap maranéhna leuwih hadé mun urang mikirkeun sipat-sipat alus maranéhna. Urang kudu inget kana naséhat Paulus ka urang Korinta, ”Saha anu ngaleuwihkeun aranjeun ti anu sejen? Ti saha pangaboga aranjeun ayeuna lamun lain ti Allah? Anu matak ku naon rek dipake dir, kawas ka nu lain kurnia Allah?” (1 Kor. 4:7) Jadi, urang kudu ati-ati. Ulah hayang kapuji ku batur atawa dianggap leuwih hadé tibatan batur. Lamun saurang sadérék pameget pinter nepikeun hutbah, atawa saurang sadérék istri boga loba palajar Alkitab, maranéhna kudu sadar yén éta téh ku lantaran bantuan ti Yéhuwa. Jadi, nu sakuduna dipuji téh Yéhuwa. w21.06 22 ¶9-10

Saptu, 27 Méi

Arek pepelakan mah ceb, ceb bae rek isuk rek sore oge.​—Pan. 11:6.

Loba dulur saiman ngarasa, beuki ka dieu téh beuki hésé panggih jeung jelema-jelema. Di daérahna loba nu cicing di apartemén atawa di komplék nu dijaga ku satpam, jadi manéhna teu meunang asup lamun henteu jangjian heula jeung nu boga imah. Di daérah séjén, meureun pawarta téh bébas ngawawar ti imah ka imah atawa bisa ngawawarna di daérah nu mencil. Di ditu, pendudukna ngan saeutik. Meureun si pawarta geus jauh-jauh ka ditu pikeun ngadatangan saurang jalma, tapi pas nepi di ditu, éh geuningan nu boga imahna teu aya. Bisa jadi, urang ogé nyanghareupan kaayaan nu sarua. Cobaan ngawawar dina jam nu béda. Urang bisa ngawawar ka leuwih loba jalma lamun urang nyaho kira-kira iraha jalma-jalma aya di imah. Tapi najan maranéhna teu aya, pasti maranéhna bakal balik ogé pan? Loba pawarta ngarasa, leuwih cocog mun ngawawarna soré-soré atawa peuting-peuting. Sabab biasana, wayah kitu jalma-jalma geus aya di imah. Maranéhna gé leuwih nyalsé jeung bisa diajak ngobrol. w21.05 15 ¶5, 7

Minggu, 28 Méi

Cumah baé maranéhna ibadah ka Kuring, sabab nu diajarkeun téh kalah ka paréntah manusa.​—Mar. 7:7.

Na dina jaman ayeuna gé masalahna sarua? Enya. Loba jalma keuheul lantaran Saksi Yéhuwa embung miluan perayaan-perayaan anu teu sajalan jeung Alkitab, misalna ulang taun jeung taun baru. Nu séjénna ambek lantaran Saksi Yéhuwa embung ngarayakeun hari raya nasional atawa miluan upacara pikeun ngahormat jalma anu geus maot. Jalma-jalma nu ambek jiga kitu biasana mah ngarasa cara ibadahna geus bener jeung ditarima ku Allah. Tapi sabenerna, maranéhna moal bisa nyenangkeun Allah lamun masih kénéh miluan perayaan-perayaan anu henteu sajalan jeung Alkitab. (Mar. 7:7-9) Kumaha supaya iman urang tetep kuat? Urang kudu upaya supaya beuki cinta kana hukum jeung prinsip ti Yéhuwa. (Jab. 119:97, 113, 163-165) Mun urang nyaah ka Yéhuwa, urang moal pipilueun kabiasaan anu dipikangéwa ku Mantenna. Urang moal ngantep naon waé ngéléhkeun kanyaah urang ka Yéhuwa. w21.05 6 ¶15-16

Senén, 29 Méi

Tetep sadar dina sagala kaayaan, tabah nyanghareupan kasusah, ngajalankeun tugas nguarkeun Injil.​—2 Tim. 4:5.

Kumaha carana ngalarapkeun naséhat Paulus ieu? Urang kudu ngajaga iman urang supaya tetep kuat ku cara rutin diajar Alkitab, ngadoa, jeung terus sibuk dina ngajalankeun tugas ti Yéhuwa. (2 Tim. 4:4) Lamun boga iman nu kuat, urang moal hariwang mun aya nu ngagogoréng Saksi Yéhuwa. (Yes. 28:16, NW) Urang gé moal kapangaruhan ku jalma-jalma murtad lamun urang nyaah ka Yéhuwa, kana Firman-Na, jeung ka dulur-dulur urang. Dina abad kahiji, loba jalma nolak Yésus. Tapi, loba ogé anu daék jadi muridna. Malah, aya ”loba imam” jeung sahenteuna saurang anggota Sanhédrin anu jadi muridna Yésus. (Ras. 6:7; Mat. 27:57-60; Mar. 15:42, 43) Ayeuna gé kitu. Jutaan jalma daék jadi murid Yésus. Ku naon? Sabab maranéhna apal jeung cinta kana bebeneran anu aya dina Alkitab. Alkitab nyebutkeun, ”Anu cinta kana hukum Gusti kaamanana reugreug, moal aya naon-naon anu bisa ngabahyakeun maranehna.”​—Jab. 119:165. w21.05 13 ¶20-21

Salasa, 30 Méi

Waktu manéh lemah, kawasa Kuring jadi leuwih nyata.​—2 Kor. 12:9.

Rasul Paulus sadar, manéhna bisa ngalakukeun nu pangahadéna dina palayanan téh lain ku kakuatanana sorangan, tapi ku lantaran kakuatan ti Allah. Liwat roh suci-Na, Yéhuwa méré kakuatan ka Paulus pikeun ngalakukeun nu panghadéna dina palayanan, sanajan manéhna dikaniaya, dipanjara, jeung boga masalah séjénna. Timoteus gé kudu ngandelkeun kakuatan ti Yéhuwa supaya bisa ngalakukeun nu panghadéna dina palayanan. Geus lila Timoteus maturan Paulus dina tugas utusan injil. Salian ti éta, Paulus gé ngutus Timoteus ka sababaraha sidang pikeun nguatkeun dulur-dulur saiman. (1 Kor. 4:17) Meureun, Timoteus ngarasa teu sanggup. Matakna, Paulus méré nyaho Timoteus, ”Hidep ulah pedah ngora tuluy beunang disapirakeun.” (1 Tim. 4:12) Terus, harita Timoteus gé boga cucuk di jero awak, manéhna téh geringan. (1 Tim. 5:23) Tapi Timoteus apal, liwat roh suci, Yéhuwa bisa méré kakuatan nu dibutuhkeun supaya manéhna bisa terus ngawawarkeun warta hadé jeung ngalayanan dulur-dulur saiman.​—2 Tim. 1:7. w21.05 21 ¶6-7

Rebo, 31 Méi

Embe, domba, ingon-ingon, urus raksa sabisa-bisa.​—Sil. 27:23.

Prinsip nu aya dina Yakobus 1:19 ogé bisa dilarapkeun ku nu méré naséhat. Yakobus nulis, ”Unggal jalma kudu gancang ngadéngé, ulah gancang ngomong, jeung ulah gancang ambek.” Meureun, saurang kokolot ngarasa geus apal kabéh kaayaanana, tapi mémang bener kitu? Siloka 18:13 ngingetan urang, ”Memeh ngajawab regepkeun heula. Lamun henteu kitu, tetela maneh teh bodo, celaeun.” Jadi, nu panghadéna téh tanyakeun langsung kaayaanana ka manéhna. Saurang kokolot bisa nanya heula, jiga: ”Kumaha kaayaan Sadérék ayeuna?” ”Aya nu bisa dibantu ku abdi?” Lamun para kokolot daék upaya pikeun nyaho heula kaayaanana, para kokolot bakal leuwih gampang ngabantu jeung nguatkeun dulur-dulur saimanna. Méré naséhat nu hadé téh lain ngan saukur macakeun ayat-ayat atawa méré saran. Tapi, sadérék-sadérék urang kudu ngarasa yén urang téh nyaah ka manéhna, ngarti kana parasaanana, jeung hayang mantuan maranéhna. w22.02 17 ¶14-15

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun