PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es23 kaca 57-67
  • Juni

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Juni
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2023
  • Subjudul
  • Kemis, 1 Juni
  • Jumaah, 2 Juni
  • Saptu, 3 Juni
  • Minggu, 4 Juni
  • Senén, 5 Juni
  • Salasa, 6 Juni
  • Rebo, 7 Juni
  • Kemis, 8 Juni
  • Jumaah, 9 Juni
  • Saptu, 10 Juni
  • Minggu, 11 Juni
  • Senén, 12 Juni
  • Salasa, 13 Juni
  • Rebo, 14 Juni
  • Kemis, 15 Juni
  • Jumaah, 16 Juni
  • Saptu, 17 Juni
  • Minggu, 18 Juni
  • Senén, 19 Juni
  • Salasa, 20 Juni
  • Rebo, 21 Juni
  • Kemis, 22 Juni
  • Jumaah, 23 Juni
  • Saptu, 24 Juni
  • Minggu, 25 Juni
  • Senén, 26 Juni
  • Salasa, 27 Juni
  • Rebo, 28 Juni
  • Kemis, 29 Juni
  • Jumaah, 30 Juni
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2023
es23 kaca 57-67

Juni

Kemis, 1 Juni

Jol datang randa miskin, ngasupkeun dua duit kencring nu nilaina leutik pisan.​—Mar. 12:42.

Hirup éta randa téh meni susah. Keur kahirupan sapopoé gé, kadang manéhna teu boga duit. Tapi manéhna nyampeurkeun hiji peti derma, terus cicing-cicing ngasupkeun dua duit logam, teu kadéngé-kadéngé acan sadana gé. Anu diasupkeun ku manéhna téh dua duit logam lépton. Éta téh duit logam anu nilaina pangleutikna. Pikeun meuli manuk piit hiji gé teu cukup, padahal éta téh manuk nu pangmurahna anu dijual keur dahareun. Yésus tajub pisan ningali éta randa. Yésus nepi ka manggil murid-muridna, terus ménta maranéhna merhatikeun éta randa. Geus kitu, Yésus ngomong, ”Randa anu bieu dermana panggedena ti batur. Sabab nu sejen [utamana nu baleunghar] mah dermana lantaran duitna leuwih, ari randa nu bieu mah sanajan kacida miskinna, merena teh sakabeh kabogana, pikeun kaperluan hirupna teh diasupkeun kabeh kana ieu peti.” (Mar. 12:43, 44) Waktu éta randa ngasupkeun sakabéh duit pangabogana, manéhna percaya, ku karana satia asih Yéhuwa, Mantenna bakal ngurus kahirupanana.​—Jab. 26:3. w21.04 6 ¶17-18

Jumaah, 2 Juni

Angger wéh maranéh minuhan Yérusalém ku pangajaran maranéh —Kis. 5:28.

Basa di bumi, Yésus sumanget dina palayananana. Yésus gé hayang murid-muridna bisa sumanget jiga anjeunna. (Yoh. 4:35, 36) Mémang pas Yésus hirup kénéh, murid-murid téh sumanget ngawawar. (Luk. 10:1, 5-11, 17) Tapi sanggeus Yésus ditéwak jeung maot, sumanget murid-muridna jadi rada melempem. (Yoh. 16:32) Matakna pas Yésus geus dihirupkeun deui, Yésus nyumangetan maranéhna pikeun terus ngawawar. Ku kituna, sanajan Yésus geus diangkat ka sawarga, murid-muridna téh masih terus sumanget ngawawar. Musuh-musuhna nepi ka ngaromongkeun kekecapan dina ayat poe ieu. Pangwawaran anu dilakukeun ku urang Kristen dina abad kahiji téh dibingbing ku Yésus jeung diberkahan ku Yéhuwa. Naon buktina? Misalna dina Péntakosta 33 M, kira-kira aya 3.000 jalma anu dibaptis. (Ras. 2:41) Ti saprak harita, jumlah murid Yésus gancang pisan nambahanana. (Ras. 6:7) Tapi ceuk Yésus, dina ahir jaman bakal leuwih loba jalma anu daék narima warta hadé.​—Yoh. 14:12; Ras. 1:8. w21.05 14 ¶1-2

Saptu, 3 Juni

Bagja jalma nu teu cangcaya ka urang.​—Mat. 11:6.

Na Sadérék inget pas mimiti diajar bebeneran? Sadérék ngarasa, kabéh jalma pasti daék ngadéngékeun hal ieu. Sadérék yakin, naon anu diajarkeun Alkitab téh bisa ngabantu jalma-jalma boga kahirupan nu leuwih hadé jeung boga harepan. (Jab. 119:105) Jadi, Sadérék meni sumanget pisan hayang méré nyaho bebeneran ka kulawarga jeung kabéh babaturan Sadérék. Éh tapi geuningan, loba nu embung ngadéngékeun. Urang teu kudu héran lamun jalma-jalma embung ngadéngékeun warta nu urang uarkeun. Ku naon? Dina jaman Yésus gé, kalolobaan jalma embung ngadéngékeun anjeunna. Padahal, jelas-jelas mujijat Yésus ngabuktikeun anjeunna téh didukung ku Allah. Misalna, Yésus pernah ngahirupkeun deui Lasarus. Éta téh bukti anu daék teu daék kudu ditarima ku musuh-musuhna. Najan kitu, para pamingpin agama Yahudi mah angger wéh embung narima Yésus sabagé Mésias. Malah, maranéhna justru hayang maéhan Yésus jeung Lasarus!​—Yoh. 11:47, 48, 53; 12:9-11. w21.05 2 ¶1-2

Minggu, 4 Juni

Ulah ngalalaworakeun pasamoan urang, . . . tapi sing silih kuatkeun.​—Ibr. 10:25.

Upayakeun pikeun rutin masamoan. Acara pasamoan téh bisa nguatkeun Sadérék. Terus, Sadérék gé bisa gaul jeung dulur saiman dina pasamoan. Téangan sobat nu bisa dijadikeun tuladan. Maranéhna téh bisa waé leuwih kolot atawa leuwih ngora. Atawa, bisa waé kabudayaan maranéhna téh béda jeung Sadérék. Sadérék-sadérék ngora bisa diajar ti sadérék nu leuwih kolot, sabab ceuk Alkitab, ”Jalma nu geus karolot baroga hikmat.” (Ayub 12:12, 13) Tapi, sadérék-sadérék nu kolot gé bisa diajar ti sadérék nu leuwih ngora. Perhatikeun conto Daud jeung Yonatan. Daud téh jauh leuwih ngora tibatan Yonatan, tapi éta teu ngahalangan maranéhna pikeun jadi sobat. (1 Sam. 18:1) Daud jeung Yonatan silih kuatkeun, ku kituna maranéhna bisa terus satia ngawula Yéhuwa sanajan aya tangtangan. (1 Sam. 23:16-18) Irina, saurang sadérék istri nu kulawargana lain Saksi, ngomong, ”Dulur-dulur saiman téh bisa jadi kolot, adi, atawa lanceuk rohani urang. Yéhuwa bisa ngagunakeun maranéhna pikeun mantuan urang.” Dulur-dulur saiman téh hayang jadi sobat nu bisa nguatkeun jeung ngadukung Sadérék. Tapi, maranéhna moal bisa mantuan Sadérék mun teu nyaho naon nu kudu dilakukeun. w21.06 10-11 ¶9-11

Senén, 5 Juni

Tah, Bapa urang di sorga gé bakal siga kitu ka maranéh lamun maranéh masing-masing teu iklas ngahampura dulur maranéh.​—Mat. 18:35.

Yésus nyaritakeun hiji ibarat ngeunaan raja jeung badégana. Raja éta ngabébaskeun hutang saurang badégana nu jumlahna gedé pisan. Tapi kadieunakeun, badéga éta embung ngabébaskeun hutang babaturanana. Padahal, hutangna téh euweuh nanaonna mun dibandingkeun jeung hutang manéhna. Ahirna, raja dina ibarat éta ngajebloskeun badéga nu jahat ka panjara. Tindakan badéga tadi téh ngarugikeun manéhna sorangan jeung batur. Kahiji, manéhna teu karunya ka sasama badéga. Babaturanana kalah ka ”dijebloskeun ka panjara nepi ka hutangna lunas”. Kadua, manéhna ngarugikeun badéga-badéga séjén nu ningali kalakuanana. ”Badega-badega sejen barang nyarahoeun eta kajadian kacida ngareneseunana.” (Mat. 18:30, 31) Sarupa kitu, tindakan urang gé bisa mangaruhan dulur-dulur saiman. Lamun aya nu nyieun salah ka urang, terus urangna embung ngahampura, engké bakal kumaha? Kahiji, urang bisa nganyenyeri haté manéhna. Malah, bisa jadi urang ngabaékeun atawa teu nyaah deui ka manéhna. Kadua, dulur-dulur saiman séjén di sidang bisa jadi teu ngeunah haté mun ningali urang teu akur jeung batur. w21.06 22 ¶11-12

Salasa, 6 Juni

Gusti ngabinasakeun jalma-jalma nu keur ngaruksak bumi.​—Why. 11:18.

Sétan ngarendahkeun martabat manusa ku cara nyieun manusa ngalakukeun hal-hal anu cabul. Dina jaman Nuh, waktu Yéhuwa ningali ”manusa di dunya geus sakitu jarahatna, . . . Mantenna ngaraos hanjakal geus ngadamel sarta merenahkeun maranehna di bumi”. (Kaj. 6:5, 6, 11) Na ayeuna kaayaan téh jadi leuwih leuheung? Jelas-jelas henteu! Sétan beuki senang sabab ningali ayeuna jalma-jalma geus teu boga kaéra waktu ngalakukeun hal-hal cabul. Malah, ngalakukeun hal cabul ka sasama jinis gé teu éra! (Epe. 4:18, 19) Komo mun aya umat Yéhuwa anu ngalakukeun dosa sérius, Sétan senang pisan. Geus mah jahat ka sasamana, manusa téh teu ngurus bumi jeung sasatoan sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa. (Pan. 8:9; Kaj. 1:28) Naon hasilna? Sababaraha ahli nyebutkeun, lantaran naon anu dilakukeun ku manusa, leuwih ti sajuta jinis sasatoan jeung tutuwuhan bisa musna dina sababaraha taun kahareup. w21.07 12 ¶13-14

Rebo, 7 Juni

Mantenna sipat welas jeung hampuraan.​—Yes. 55:7.

Aya sababaraha sadérék nu teterusan rumasa salah lantaran dosana nu baheula. Maranéhna mikir yén Yéhuwa téh moal daék ngahampura sanajan maranéhna geus ménta hampura jeung geus teu ngalakukeun dosana deui. Lamun Sadérék gé ngarasakeun hal nu sarua, pék pikirkeun sakumaha hayangna Yéhuwa némbongkeun kaasih-Na nu langgeng ka hamba-hamba-Na. Ku kituna, Sadérék bakal leuwih tengtrem jeung bisa ngawula Yéhuwa ku haté sanubari nu bersih. Urang bisa kieu téh ku lantaran ”getih Isa Putra-Na bisa mupus sagala dosa urang”. (1 Yah. 1:7) Waktu urang leutik haté ku lantaran kalemahan urang, sing inget, Yéhuwa téh daék ngahampura jalma nu bener-bener tobat. Nu nulis Jabur, nyaéta Daud, nyebutkeun yén sipat asih nu langgeng jeung sipat hampuraan téh aya hubunganana. Manéhna nulis, ”Sakumaha jauhna tanah ka langit, nya sakitu rosana kawelasana-Na ka sakur anu hormat ka Mantenna teh. Sakumaha anggangna wetan ti kulon, nya sakitu jauhna dosa-dosa urang dijauhkeunana ti urang.”​—Jab. 103:11, 12. w21.11 5 ¶12-13

Kemis, 8 Juni

Ku anakna dihormat, ku salakina dipuji.​—Sil. 31:28.

Salaki Kristen kudu méré perhatian husus ka pamajikanana. (1 Pet. 3:7) Misalna, ku cara ngahargaan pamajikanana. Salaki bakal nganggap pamajikanana téh penting. Manéhna moal ménta pamajikanana ngalakukeun hal nu di luar kasanggupanana. Terus, salaki gé moal ngabanding-bandingkeun pamajikanana jeung awéwé séjén. Kumaha parasaan pamajikan mun dibanding-bandingkeun ku salakina? Saurang sadérék nu ngaranna Rosa, salakina téh lain Saksi. Salakina osok ngabanding-bandingkeun manéhna jeung awéwé séjén. Kekecapanana téh meni nyelekit. Rosa jadi minder jeung ngarasa euweuh nu nyaah ka manéhna. Ceuk Rosa, ”Abdi kudu teterusan diingetan yén Yéhuwa nyaah ka abdi.” Ari salaki Kristen mah teu jiga kitu. Salaki Kristen ngahargaan pamajikanana. Manéhna apal, tindakanana ka pamajikan bisa mangaruhan perkawinanana sarta hubungan manéhna jeung Yéhuwa. Salaki nu ngahargaan pamajikanana bakal muji pamajikanana di hareupeun batur. w21.07 22 ¶7-8

Jumaah, 9 Juni

Kaula mah ngaharep ka PANGERAN.​—Mi. 7:7.

Sadérék kuciwa teu lamun barang nu dipesen ku Sadérék teu nepi-nepi, padahal Sadérék téh butuh pisan barang éta? Tapi, lamun Sadérék apal ku naon barang éta teu nepi-nepi, Sadérék bakal sabar jeung daék ngadagoanana teu? Siloka 13:11 (NW) méré nyaho ku naon urang kudu sabar. Ayatna nyebutkeun, ”Harta nu gancang dialana gampang béakna, tapi ari harta nu dialana saeutik-saeutik bakal nambahan lobana.” Naon palajaranana keur urang? Mun saurang jalma ngalakukeun hiji hal ku cara nu ati-ati jeung sabar, hasilna tangtu alus. Siloka 4:18 nyebutkeun, ”Lalampahan jelema anu satuhu saibarat srangenge medal, beuki beurang beuki caang.” Ayat ieu téh ngagambarkeun kumaha Yéhuwa ngabantu umat-Na saeutik-saeutik paham kana tujuana-Na. Ayat éta gé bisa ngamaksudkeun yén urang Kristen téh butuh waktu pikeun nyieun kamajuan rohani. w21.08 8-9 ¶1, 3-4

Saptu, 10 Juni

Sumuhun abdi! Mangga abdi utus!​—Yes. 6:8.

Dunya ieu geus téréh diancurkeun, tapi loba kénéh nu kudu digawékeun ku urang. (Mat. 24:14; Luk. 10:2; 1 Pet. 5:2) Jadi, urang hayang sabisa-bisa ngawula Yéhuwa. Loba sadérék ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan. Aya nu ngupayakeun jadi panaratas, nu séjénna ngupayakeun pikeun ngawula di Bétel atawa jadi rélawan proyék pangwangunan, jeung loba sadérék pameget upaya pikeun minuhan sarat jadi palayan sidang atawa kokolot. (1 Tim. 3:1, 8) Tangtu Yéhuwa bungah ningali umat-Na sumanget dina palayanan! (Jab. 110:3) Tapi na Sadérék leutik haté lantaran can bisa ngahontal cita-cita rohani Sadérék? Lamun kitu, pék ngadoa ka Yéhuwa jeung caritakeun parasaan Sadérék. (Jab. 37:5-7) Geus kitu, pénta naséhat ka dulur-dulur saiman nu boga loba pangalaman. Tanyakeun hal-hal naon waé nu kudu ditingkatkeun ku Sadérék dina palayanan. Terus sabisa-bisa tuturkeun naséhatna. Ku kituna, meureun Sadérék bakal bisa ngahontal cita-cita rohani Sadérék. w21.08 20 ¶1; 21 ¶4

Minggu, 11 Juni

Umat . . . nu satia ku Mantenna hamo ditilar.​—Jab. 37:28.

Perhatikeun conto Nabiah Hana. Manéhna téh randa nu umurna geus 84 taun, tapi manéhna ”tara eureun datang ka bait”. Ku lantaran terus datang ka tempat ibadah, Yéhuwa ngaberkahan Hana. Manéhna bisa ningali Isa nu masih orok kénéh. (Luk. 2:36-38) Dina jaman ayeuna, aya pangalaman sadérék sepuh nu bisa dipiconto ku sadérék nu ngora. Urang bisa tatanya jeung ngadéngékeun pangalaman maranéhna di organisasi Yéhuwa, urang pasti bisa diajar loba hal ti maranéhna. Sadérék-sadérék sepuh téh dianggap penting ku Yéhuwa jeung organisasi-Na. Maranéhna geus ningali kumaha carana Yéhuwa ngaberkahan organisasi-Na jeung ngarasakeun sorangan berkahna. Maranéhna gé diajar tina kasalahan-kasalahanana baheula. Jadi urang bisa diajar tina pangalaman-pangalaman maranéhna. Jeung, ucapan-ucapan maranéhna téh bisa jadi hikmat keur urang. (Sil. 18:4) Lamun urang nyadiakeun waktu pikeun kenal ka maranéhna, iman urang bakal jadi leuwih kuat. w21.09 3 ¶4; 4 ¶7-8; 5 ¶11, 13

Senén, 12 Juni

Anu pangsaeutikna jeung anu panghandapna ge bakal jadi loba jeung kuat lir hiji bangsa.​—Yes. 60:22.

Siga nu dijelaskeun ku Yésaya, nubuat ngeunaan ”bangsa-bangsa bakal milu ngarawatan” ka umat Allah téh bener-bener ngawujud. (Yes. 60:5, 16) Ku ayana rupa-rupa kaahlian jeung kasanggupan ti jalma-jalma nu asup kana bebeneran, kagiatan pangwawaran téh ayeuna aya di 240 nagri jeung publikasi gé dicitak dina leuwih ti 1.000 basa. Dina ahir jaman ieu, sakabéh bangsa téh keur dioyag-oyag. Kajadian ieu maksa jalma-jalma pikeun nyieun pilihan: Na maranéhna bakal mihak ka Pamaréntahan Allah atawa bakal tetep ngandelkeun pamaréntahan di dunya ieu? Sakabéh jalma kudu nangtukeun pilihanana. Ayeuna mémang umat Yéhuwa tunduk ka pamaréntahan di nagarana, tapi maranéhna mah teu pipilueun dina urusan pulitik. (Rm. 13:1-7) Maranéhna apal ngan Pamaréntahan Allah nu bisa ngaréngsékeun sakabéh masalah manusa. Pamaréntahan ieu téh lain bagian ti dunya ieu.​—Yah. 18:36, 37. w21.09 17-18 ¶13-14

Salasa, 13 Juni

Wakcakeun sakabeh kasusah ka Mantenna.​—Jab. 62:9.

Waktu aya anggota kulawarga nu dipecat, Sadérék kudu terus ngajaga karohanian Sadérék. Sadérék perlu nguatkeun karohanian diri sorangan jeung anggota kulawarga nu séjénna. Naon nu bisa dilakukeun? Sing rutin maca Alkitab, ngalenyepanana, sarta datang ka pasamoan. Ku kituna, Yéhuwa bakal méré kakuatan ka Sadérék. Aya pangalaman ti Sadérék Joanna nu bapa jeung lanceukna téh dipecat. Ceuk manéhna, ”Abdi ngarasa tengtrem pisan waktu maca kisah ti Abigail, Éster, Ayub, Yusuf, jeung Isa. Tuladan maranéhna téh nguatkeun abdi jeung jadi leuwih positif.” Waktu Sadérék keur sedih pisan, tong eureun ngadoa. Pénta bantuan ka Yéhuwa supaya Sadérék bisa ningali kaayaanana tina cara pandang Anjeunna. Terus, ménta ogé supaya Yéhuwa méré ”papatah, keur pilampaheun” Sadérék. (Jab. 32:6-8) Bisa jadi, Sadérék hésé nyaritakeun ka Yéhuwa naon nu dirasakeun. Tapi Yéhuwa ngarti pisan kana kapeurih haté Sadérék. Yéhuwa hayang Sadérék ngungkabkeun kabéh parasaan Sadérék ka Anjeunna.​—Bud. 34:6; Jab. 62:8. w21.09 28 ¶9-10

Rebo, 14 Juni

Tah ieu Putra Kuring téh. Kuring nyaah jeung resep ka manéhna. Sing nurut ka manéhna.​—Mat. 17:5.

Sanggeus Paskah taun 32 M, Rasul Pétrus, Yakobus, jeung Yahya ningali kajadian nu luar biasa pisan. Harita maranéhna keur aya di gunung nu luhur, katingalina di daérah Gunung Hérmon. Rupa Isa barobah di hareupeun maranéhna. ”Beungeutna caang kawas panonpoé, baju luarna bodas nyacas.” (Mat. 17:1-4) Para rasul ngadéngé Allah ngomong, ”Tah ieu Putra Kuring téh. Kuring nyaah jeung resep ka manéhna. Sing nurut ka manéhna.” Cara hirup tilu rasul ieu ngabuktikeun yén maranéhna téh daék nurut, atawa ngadéngékeun Isa. Urang hayang nyonto maranéhna. Urang pasti nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa sabab geus méré naséhat liwat ’kapala sidang jamaah’ urang, nyaéta Isa Al-Masih. (Éf. 5:23) Urang gé hayang ngadéngékeun atawa ”nurut ka manéhna”, siga nu dilakukeun ku Rasul Pétrus, Yakobus, jeung Yahya. Lamun urang ngalakukeunana, urang bakal narima loba berkah ayeuna. Tuluy, dina mangsa ka hareup gé urang bakal hirup bagja salilana! w21.12 22 ¶1; 27 ¶19

Kemis, 15 Juni

Bener sok dihukum tea mah ku Kami, tapi Kami ngahukum teh reujeung adil.​—Yer. 30:11.

Baheula dina abad kahiji, aya saurang lalaki di sidang Korintus nu jinah jeung pamajikan bapana. Rasul Paulus nitah sidang Korintus pikeun nyingkirkeun manéhna ti sidang. Kalakuan lalaki éta téh geus mangaruhan sadérék-sadérék di sidang, malah sababaraha ti maranéhna nganggap kalakuan lalaki éta téh lain dosa sérius! (1 Kor. 5:1, 2, 13) Sababaraha waktu sanggeusna, Paulus ningali yén lalaki éta téh geus bener-bener tobat! Paulus méré nyaho para kokolot, ”Geus, ayeuna mah dihampura wéh. Sing bageur ka manéhna jeung gedékeun haténa.” Perhatikeun ku naon Paulus ngomong kitu, ”Supaya manéhna ulah nalangsa katutuluyan, bisi pegat harepan.” Paulus karunyaeun ka lalaki éta, manéhna gé embung ningali lalaki éta teterusan sedih jeung tungtungna nyerah pikeun ménta pangampura ti Yéhuwa. (2 Kor. 2:5-8, 11) Para kokolot gé nyonto sipat welas Yéhuwa. Maranéhna sabisa-bisana mikawelas batur, tapi mun perlu mah maranéhna bakal méré disiplin nu tegas ka jalma nu nyieun dosa. Sabab mun teu kitu, para kokolot téh ngantep kasalahan jalma éta. w21.10 11 ¶12-15

Jumaah, 16 Juni

Ulah hayang ngabales atawa ngunek-ngunek.​—Ima. 19:18.

Parasaan nyeri haté téh disaruakeun jiga raheut. Meureun aya nu teu sapira, tapi aya ogé anu parah. Misalna, waktu keur muka surat, bisa jadi jari urang téh kabesét ku kertas. Mimitina mah nyeri, tapi sanggeus sapoé atawa dua poé gé, meureun urang geus poho. Kitu gé jeung parasaan nyeri haté. Bisa jadi aya nu dilantarankeun ku hal-hal nu teu sapira, misalna aya omongan jeung kalakuan batur nu nganyenyeri urang. Tapi urang bisa gampang ngahampura manéhna. Kumaha lamun raheut urang téh leuwih parah? Bisa jadi, dokter nitah raheut urang téh dijait atawa diperban. Lamun raheutna terus ditoél-toél, raheutna moal cageur-cageur malah bakal leuwih parah. Hanjakalna, aya jalma-jalma nu jiga kitu waktu manéhna dinyenyeri ku batur. Manéhna terus mikirkeun sakumaha nyeri jeung keuheulna ka batur. Tapi jalma nu ngunek-ngunek téh sabenerna mah ngan nganyenyeri dirina sorangan. Tangtu leuwih alus lamun urang nuturkeun naséhat nu aya dina ayat poé ieu w21.12 12 ¶15

Saptu, 17 Juni

Ku naon aranjeun ngahakiman dulur sorangan?​—Rm. 14:10.

Aya saurang kokolot nu hariwang kana pakéan jeung dangdanan ti saurang sadérék. Kokolot éta bisa mikirkeun, ’Aya dasar tina Alkitab henteu pikeun méré naséhat ka manéhna?’ Kokolot éta pasti embung ngan nuturkeun pamikiranana sorangan, jadi manéhna bisa tatanya ka kokolot séjén atawa sadérék nu geus pangalaman. Maranéhna bisa ngabahas naséhat Paulus ngeunaan pakéan jeung dangdanan. (1 Tim. 2:9, 10) Baheula Paulus ngan méré prinsip hungkul, nyaéta pakéan urang Kristen téh nu penting kudu pantes jeung sopan. Paulus henteu nyieun aturan mana nu meunang jeung nu teu meunang. Manéhna ngahargaan pilihan sadérék-sadérékna salila henteu ngalanggar prinsip Kitab Suci. Jadi para kokolot bisa mikirkeun, pakéan sadérék éta téh masih pantes jeung sopan atawa henteu. Urang kudu inget, lamun aya dua sadérék nu boga pilihan nu béda, éta lain hartina nu hiji bener jeung nu hiji salah. Urang teu bisa maksakeun pamikiran urang ngeunaan nu bener jeung nu salah ka sadérék urang. w22.02 16 ¶9-10

Minggu, 18 Juni

Kudu karunyaan, kudu hade hate ka pada batur.​—Jak. 7:9.

Urang boga alesan pikeun némbongkeun kaasih nu langgeng ka batur. Naon alesanana? Perhatikeun naséhat nu bijaksana tina Alkitab ieu, ”Ulah tinggal ti satia jeung satuhu . . . Lamun kitu tangtu ku Allah dimanah, ku jalma dipikaresep.” ”Lamun urang bageur tangtu loba anu mikaheman.” ”Sing bageur, sing someah, tangtu panjang umur.” (Sil. 3:3, 4; 11:17; 21:21) Naséhat-naséhat nu alus tadi nunjukkeun yén urang téh boga tilu alesan ku naon urang perlu némbongkeun kaasih nu langgeng. Nu kahiji, urang jadi dipikaresep ku Allah. Nu kadua, aya mangpaat keur diri urang sorangan kénéh, misalna urang bisa boga sobat sajati. Nu katilu, urang bisa meunangkeun berkah di mangsa ka hareup, kaasup hirup langgeng. Jadi mun mikirkeun tilu hal tadi, urang pasti kajurung pikeun nuturkeun naséhat Yéhuwa ieu, ”Kudu karunyaan, kudu hade hate ka pada batur.” w21.11 8 ¶1-2

Senén, 19 Juni

Kuatkeun iman urang-urang.​—Luk. 17:5.

Lamun masalah nu pernah atawa nu keur disanghareupan ku Sadérék téh nunjukkeun iman Sadérék téh can kuat, tong leutik haté. Pék terus ngadoa, komo deui pas kaayaanana keur hésé. Tarima bantuan Yéhuwa liwat kulawarga jeung babaturan. Lamun ayeuna Sadérék daék narima bantuan ti Yéhuwa, Sadérék gé bisa yakin yén dina mangsa ka hareup Yéhuwa bakal ngabantu Sadérék pikeun nyanghareupan masalah naon waé. Isa némbongkeun ka para muridna dina hal naon maranéhna téh kurang iman. Tapi Isa yakin, ku bantuan Yéhuwa, maranéhna bakal bisa nyanghareupan cocoba nu bakal datang. (Yah. 14:1; 16:33) Isa gé yakin engké bakal aya sakumpulan jalma nu kacida lobana nu salamet tina kasangsaraan nu kacida hébatna lantaran boga iman nu kuat. (Why. 7:9, 14) Sadérék bisa jadi salah sahiji ti antara maranéhna, lamun Sadérék sabisa-bisa nguatkeun iman Sadérék ti ayeuna!​—Ibr. 10:39. w21.11 25 ¶18-19

Salasa, 20 Juni

Anu ajrih ka PANGERAN, dijaga ku malaikat-Na.​—Jab. 34:8.

Urang teu ngarepkeun Yéhuwa nyieun mujijat pikeun ngalindungan urang. Tapi urang yakin sanajan urang maot ayeuna, jalma nu percaya ka Anjeunna mah bakal meunangkeun hirup langgeng. Sakeudeung deui, iman urang ka Yéhuwa bakal diuji. Na urang percaya Yéhuwa sanggup ngalindungan urang? Engké waktu Gog ti Magog, atawa gabungan bangsa-bangsa, nyerang umat Allah, meureun urang mikir maranéhna téh bakal maéhan urang. Tapi urang kudu yakin Yéhuwa téh sanggup jeung bakal nyalametkeun urang. Keur bangsa-bangsa mah, urang katingalina jiga domba nu lemah jeung euweuh nu ngalindunganana. (Yeh. 38:10-12) Urang téh lain prajurit nu geus dilatih, sarta urang mah teu boga senjata. Bangsa-bangsa ningali, urang téh gampang pisan diserangna. Maranéhna teu nyaho aya malaikat-malaikat di sakurilingeun umat Allah, nu siap ngalindungan urang. Tapi urang mah nyaho, lantaran urang boga iman. Engké bangsa-bangsa bakal reuwas waktu pasukan sorga ngalindungan urang!​—Why. 19:11, 14, 15. w22.01 6 ¶12-13

Rebo, 21 Juni

Sing nyaah ka sakabéh dulur saiman.​—1 Pét. 2:17.

Keur Yéhuwa mah, kabéh dulur saiman urang téh penting. Jadi, urang gé kudu nganggap maranéhna penting. Urang kudu upaya ngarah maranéhna ngarasa dipikanyaah. Urang gé kudu ati-ati ulah nepi ka nganyenyeri haté manéhna. Lamun urang apal urang geus nganyenyeri haté batur, ulah nganggap énténg hal éta. Ulah mikir, ’Ah, manéhna wéh nu babari kasinggung, da sakuduna mah manéhna téh daék ngahampura jeung mopohokeun hal éta.’ Urang kudu mikirkeun ku naon maranéhna nepi ka nyeri haté. Meureun aya dulur-dulur saiman urang nu osok minder, lantaran kapangaruhan ku cara maranéhna digedékeun. Aya ogé anu kakara jadi Saksi. Meureun maranéhna can biasa ngamaklum kakurangan batur. Tapi teu sual naon alesanana, urang kabéh kudu upaya pikeun ngajaga karukunan. Ayeuna, kumaha mun urang nu babari kasinggung? Urang kudu sadar yén sipat ieu téh goréng sarta kudu dirobah. Urang kudu ngarobah sipat ieu supaya urang bisa suka bungah sarta rukun jeung dulur-dulur saiman. w21.06 21 ¶7

Kemis, 22 Juni

Mantenna deukeut ka sakur anu sasambat ka anu sasambatna ka Mantenna enya-enya.​—Jab. 145:18.

Isa téh ngarti kana parasaan urang. Waktu urang keur hariwang, urang pasti resep mun boga babaturan nu ngarti kana parasaan urang, komo deui mun manéhna téh nyanghareupan masalah nu sarua jiga urang. Isa téh batur urang nu jiga kitu. Manéhna apal jiga kumaha rasana waktu keur lemah jeung keur butuh bantuan. Manéhna paham kana kalemahan urang, sarta manéhna gé pasti nulungan ”waktu urang butuh bantuan”. (Ibr. 4:15, 16) Jiga Isa nu daék narima bantuan ti hiji malaikat di Taman Gétsemani, urang gé kudu daék narima bantuan ti Yéhuwa, misalna liwat publikasi, vidéo, hutbah, waktu kokolot nganjangan urang atawa bantuan ti dulur-dulur saiman. (Luk. 22:39-44) Urang bakal dibéré ”katengtreman ti Allah”. Kumaha carana Yéhuwa nguatkeun urang? Waktu urang ngadoa, urang bakal meunang ”katengtreman ti Allah nu teu kahontal ku akal manusa”.​—Flp. 4:6, 7. w22.01 18-19 ¶17-19

Jumaah, 23 Juni

Maranéhna nepikeun naon nu geus diputuskeun ku para rasul jeung kokolot di Yérusalém supaya éta dituturkeun.​—Kis. 16:4.

Urang percaya pisan yén naon nu dilakukeun ku Yéhuwa téh pasti bener. Tapi bisa jadi, urang hésé percaya ka jalma-jalma nu jadi wakil-Na. Meureun urang mikir, ’Bener kitu sadérék-sadérék nu boga wewenang téh nuturkeun pituduh Yéhuwa, atawa maranéhna nuturkeun kahayangna sorangan?’ Jadi lamun urang teu percaya ka maranéhna, éta sarua jiga urang teu percaya ka Yéhuwa. Kiwari Yéhuwa téh ngabingbing organisasi-Na di bumi liwat ”palayan nu satia jeung bijaksana”. (Mat. 24:45) Sarua jiga Badan Pingpinan dina abad kahiji, para palayan ieu ngurus umat Allah di sakuliah dunya sarta méré pituduh ka para kokolot di sidang-sidang. Terus, para kokolot mastikeun pituduh éta téh dijalankeun di sidang-sidang. Lamun urang percaya kana cara nu digunakeun ku Yéhuwa, urang bakal nuturkeun kabéh pituduh ti organisasi jeung ti para kokolot. w22.02 4 ¶7-8

Saptu, 24 Juni

Ulah nyerah ngalampahkeun nu hadé.​—Gal. 6:9.

Urang pasti bagja jeung reueus jadi Saksi Yéhuwa! Urang gé bungah bisa ngabantu jalma nu ”boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng” jaradi percaya. (Kis. 13:48) Waktu murid-murid Isa balik ngawawar jeung nyaritakeun hal-hal alus dina palayanan, ”kawasa suci nyababkeun Isa bungah pisan”. (Luk. 10:1, 17, 21) Paulus ngingetan Timotius, ”Terus perhatikeun diri manéh jeung pangajaran manéh . . . sabab éta bisa nyalametkeun diri manéh jeung jalma-jalma nu ngadéngékeun manéh.” (1 Tim. 4:16) Jadi, palayanan urang téh sérius pisan lantaran bisa nyalametkeun kahirupan urang jeung batur. Urang kudu merhatikeun diri urang ku sabab urang téh rahayat Pamaréntahan Allah. Carana nyaéta, ngajaga laku lampah urang supaya sajalan jeung warta hadé sarta supaya bisa ngamulyakeun Yéhuwa. (Flp. 1:27) Urang gé kudu ’merhatikeun pangajaran’ urang ku cara persiapan heula jeung ménta bantuan ka Yéhuwa saacan dines. w21.10 24 ¶1-2

Minggu, 25 Juni

Paké kapribadian nu anyar.​—Kol. 3:10.

”Kapribadian nu anyar” téh nyaéta cara pikir jeung tindakan nu némbongkeun sipat-sipat Yéhuwa. Jalma nu maké kapribadian anyar téh daék dibingbing ku kawasa suci dina cara pikir, parasaan, jeung tindakanana. Misalna, manéhna nyaah ka Yéhuwa jeung umat-Na. (Mat. 22:36-39) Manéhna gé bisa tetep bungah najan nyanghareupan masalah. (Yak. 1:2-4) Geus kitu, manéhna téh resep rukun. (Mat. 5:9) Manéhna sabar jeung bageur ka batur. (Kol. 3:13) Manéhna resep kana hal nu hadé jeung daék ngalakukeunana. (Luk. 6:35) Tindakanana ngabuktikeun yén manéhna boga iman nu kuat ka Bapa di sorga. (Yak. 2:18) Manéhna gé bisa tetep tenang waktu aya nu nyiar pipaséaeun jeung bisa nahan diri waktu aya gogoda. (1 Kor. 9:25, 27; Tit. 3:2) Pikeun maké kapribadian nu anyar, urang kudu mekarkeun sipat-sipat nu aya di Galatia 5:22, 23 jeung ayat-ayat séjénna. w22.03 8-9 ¶3-4

Senén, 26 Juni

Pék conto kuring.​—1 Kor. 11:1.

Para kokolot bisa nyonto Rasul Paulus ku cara teu ngan saukur ngawawar ti imah ka imah hungkul, tapi ogé siap méré kasaksian unggal aya kasempetan. (Éf. 6:14, 15) Jiga Paulus, waktu keur dines, para kokolot gé bisa bari ngalatih batur, kaasup palayan sidang. (1 Pét. 5:1, 2) Tapi para kokolot sakuduna henteu sibuk teuing nepi ka teu bisa ngawawar. (Mat. 28:19, 20) Jadi supaya saimbang, meureun maranéhna kudu nolak sababaraha tugas nu dibikeun. Sanggeus mikirkeun jeung ngadoakeunana, bisa jadi maranéhna sadar lamun tugasna ditarima, maranéhna téh moal bisa ngalakukeun tugas nu leuwih penting, misalna ngayakeun ibadah kulawarga, ngawawar, atawa ngalatih budak sorangan pikeun ngawawar. Maranéhna bisa yakin Yéhuwa téh ngarti yén maranéhna hayang saimbang ngajalankeun tanggung jawab séjénna. w22.03 27 ¶4, 7; 28 ¶8

Salasa, 27 Juni

Ulah sieun ka nu bisa maéhan awak tapi teu bisa maéhan jiwa.​—Mat. 10:28.

Meureun Sadérék inget kénéh, baheula Sadérék sieun pikeun jadi Saksi Yéhuwa. Bisa waé Sadérék ngarasa moal pernah sanggup ngawawar. Atawa meureun, Sadérék sieun dimusuhan ku kulawarga atawa babaturan Sadérék. Mun Sadérék pernah ngarasa jiga kitu, Sadérék bisa ngarti naon nu dirasakeun ku palajar Alkitab. Yésus apal, bisa waé aya anu bakal sieun. Tapi, anjeunna ngajurung murid-muridna supaya henteu eureun ngawula Yéhuwa. (Mat. 10:16, 17, 27) Saeutik-saeutik, pék latih palajar Alkitab Sadérék pikeun nyaritakeun imanna. Murid-murid Yésus gé meureun ngarasa geumpeur waktu mimiti dititah ngawawar. Tapi, Yésus mantuan maranéhna ku cara méré nyaho ka saha maranéhna bisa ngawawar jeung naon nu kudu diwawarkeun. (Mat. 10:5-7) Kumaha Sadérék bisa nyonto tuladan Yésus? Pék bantu palajar Alkitab Sadérék supaya manéhna nyaho ka saha manéhna bisa ngawawar. Misalna, tanyakeun ka manéhna, na aya jalma nu dikenal ku manéhna nu kira-kira daék diajar bebeneran? Terus, tunjukkeun cara nu saderhana pikeun nepikeun bebeneran. w21.06 6 ¶15-16

Rebo, 28 Juni

Sakabeh bangsa ku Kami bakal diguling-gulingkeun, sarta kakayaanana bakal dibawaan ka dieu.​—Hag. 2:7.

”Ngan dina sababaraha menit, toko-toko jeung bangunan-bangunan nu geus kolot rarugrug.” ”Jalma-jalma téh sarieuneun pisan, ceuk maranéhna mah éta kajadian ngan dua menit. Tapi ari keur urang mah éta téh lila pisan, asa teu eureun-eureun.” Éta koméntar ti jalma-jalma nu salamet waktu aya lini di Nepal taun 2015. Kiwari, urang ngalaman kajadian nu mirip. Tapi nu oyag téh sakabéh bangsa nu aya di dunya. Nabi Hagai nulis, ”Moal lila deui Kami [Yéhuwa] rek ngoyagkeun langit jeung bumi.” (Hag. 2:6) Kajadian nu dijelaskeun ku Nabi Hagai téh teu ngamaksudkeun lini nyaanan nu ngan ngaruksak hungkul. Tapi, ieu mah aya hasil alusna. Yéhuwa ngabéjaan urang, ”Sakabeh bangsa ku Kami bakal diguling-gulingkeun, sarta kakayaanana bakal dibawaan ka dieu, nepikeun ka ieu Bait Kami bakal pinuh ku barang-barang anu marulya.” w21.09 14 ¶1-3

Kemis, 29 Juni

Maranéh téh nu terus maturan urang waktu urang nyanghareupan cocoba.​—Luk. 22:28.

Mun hayang nyobat jeung batur, urang kudu sering ngobrol jeung nyaritakeun parasaan urang. Kitu ogé lamun hayang nyobat jeung Yéhuwa. Waktu urang nyaritakeun parasaan, pikiran, jeung naon nu dihariwangkeun ku urang, urang nunjukkeun urang téh percaya ka Yéhuwa sarta ngarasa dipikanyaah ku Mantenna. (Jab. 94:17-19; 1 Yoh. 5:14, 15) Gaul jeung sobat sajati. Maranéhna téh kurnia ti Yéhuwa. (Yak. 1:17) Bapa urang di sawarga nunjukkeun kanyaah-Na ku cara méré dulur-dulur saiman nu ’salawasna nembongkeun kanyaah’. (Sil. 17:17) Dina suratna keur urang Kolosa, Rasul Paulus nyebutkeun sababaraha urang Kristen anu ngabantu manéhna. Ceuk Paulus, maranéhna téh ”kacida nulungna”. (Kol. 4:10, 11) Malah, Yésus Kristus gé butuh jeung ngahargaan bantuan ti sobat-sobatna, boh malaikat boh manusa. (Luk. 22:43) Nyaritakeun masalah urang ka sobat téh lain hartina urang lemah. Justru éta bisa ngalindungan urang. w21.04 24-25 ¶14-16

Jumaah, 30 Juni

[Kanyaah] sabar nyanghareupan sagalana, percaya kana sagala hal, terus boga harepan, jeung tabah dina sagala kaayaan.​—1 Kor. 13:7.

Mun aya tindakan dulur saiman nu bener-bener nganyenyeri haté Sadérék, Sadérék bakal kumaha? Pék upaya sabisa-bisana pikeun ngajaga karukunan. Sadérék bisa bener-bener ngadoa ka Yéhuwa. Pénta Mantenna pikeun ngabantu jalma éta. Sarta, pénta Yéhuwa ngabantu Sadérék pikeun ningali sipat-sipat alus ti jalma éta, nyaéta sipat-sipat nu ngalantarankeun Yéhuwa nyaah ka manéhna. (Luk. 6:28) Lamun Sadérék teu bisa ngabaékeun tindakanana, Sadérék bisa ngomong langsung ka manéhna. Tapi saacanna, pikirkeun cara nu pangalusna pikeun ngomong ka manéhna. Ulah mikir manéhna ngahaja nganyenyeri haté Sadérék. (Mat. 5:23, 24) Waktu ngomong jeung manéhna, ulah boga prasangka goréng. Tapi, kumaha mun manéhna tetep embung rukun jeung Sadérék? Sadérék ”kudu daek silih eledan”. Sadérék kudu tetep sabar ka dulur-dulur saiman. (Kol. 3:13) Nu pangpentingna, ulah nyimpen kakeuheul sabab éta bisa ngaruksak sosobatan Sadérék jeung Yéhuwa. Ulah nepi ka aya hal nu ngahalangan Sadérék ibadah ka Mantenna. Mun Sadérék ngalakukeun éta kabéh, hartina Sadérék téh leuwih nyaah ka Yéhuwa tibatan hal naon waé.​—Jab. 119:165. w21.06 24 ¶15

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun