PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es23 kaca 67-77
  • Juli

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Juli
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2023
  • Subjudul
  • Saptu, 1 Juli
  • Minggu, 2 Juli
  • Senén, 3 Juli
  • Salasa, 4 Juli
  • Rebo, 5 Juli
  • Kemis, 6 Juli
  • Jumaah, 7 Juli
  • Saptu, 8 Juli
  • Minggu, 9 Juli
  • Senén, 10 Juli
  • Salasa, 11 Juli
  • Rebo, 12 Juli
  • Kemis, 13 Juli
  • Jumaah, 14 Juli
  • Saptu, 15 Juli
  • Minggu, 16 Juli
  • Senén, 17 Juli
  • Salasa, 18 Juli
  • Rebo, 19 Juli
  • Kemis, 20 Juli
  • Jumaah, 21 Juli
  • Saptu, 22 Juli
  • Minggu, 23 Juli
  • Senén, 24 Juli
  • Salasa, 25 Juli
  • Rebo, 26 Juli
  • Kemis, 27 Juli
  • Jumaah, 28 Juli
  • Saptu, 29 Juli
  • Minggu, 30 Juli
  • Senén, 31 Juli
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2023
es23 kaca 67-77

Juli

Saptu, 1 Juli

Jalma nu geus dilatih ku disiplin éta bakal ngarasa tengtrem jeung ngalampahkeun nu bener.​—Ibr. 12:11.

Dipecatna saurang jalma téh salah sahiji pangaturan ti Yéhuwa. Ieu téh cara panghadéna pikeun ngabantu jalma nu dipecat jeung ngajaga kabéh sadérék nu aya di sidang. Meureun aya nu teu satuju waktu saurang jalma dibéré disiplin. Tapi, biasana jalma-jalma nu ngomong kitu téh nyapirakeun dosa sérius nu geus dilakukeun ku jalma nu didisiplin éta. Urang teu nyaho kabéh kaayaan nu sabenerna. Para kokolot dina panitia pangadilan téh sabisa-bisana nuturkeun prinsip dina Alkitab. Jadi sing percaya ka para kokolot nu ngahakiman keur Yéhuwa. (2 Bab. 19:6) Lamun urang ngadukung putusan para kokolot, urang ngabantu anggota kulawarga nu dipecat pikeun balik deui ka Yéhuwa. Sadérék Elizabeth ngomong kieu, ”Nu panghéséna téh teu bisa komunikasi deui jeung budak urang. Tapi waktu budak urang geus balik deui, manéhna ngaku yén mémang baheula manéhna téh kudu dipecat. Cenah manéhna ogé diajar loba hal, salah sahijina téh jadi leuwih ngahargaan disiplin ti Yéhuwa.” w21.09 28-29 ¶11-12

Minggu, 2 Juli

Manéhna ningali randa miskin ngasupkeun dua duit kencring nu nilaina leutik pisan.​—Luk. 21:2.

Pikirkeun parasaan éta randa. Mun bisa mah, pasti éta randa hayang méré leuwih keur Yéhuwa. Tapi sabenerna, manéhna geus méré anu panghadéna keur Yéhuwa. Yésus apal, Bapana ngahargaan pisan sumbangan éta randa. Jadi, naon palajaranana? Yéhuwa hayang urang méré anu panghadéna, nyaéta ku cara ngawula Mantenna ku sapinuh haté. (Mat. 22:37; Kol. 3:23) Yéhuwa resep lamun urang sabisa-bisa ngawula Mantenna. Misalna, urang bisa ngagunakeun waktu jeung tanaga pikeun ngadukung kagiatan dines jeung milu masamoan. Kumaha urang bisa ngagunakeun kisah randa miskin ieu pikeun mantuan batur? Pikirkeun saha waé anu bisa dikuatkeun ku urang. Meureun, aya nu leutik haté lantaran ngarasa henteu bisa méré loba hal ka Yéhuwa. Misalna, meureun aya sadérék istri anu geus sepuh, manéhna téh ripuh jeung geus teu boga loba tanaga pikeun sering-sering dines. Jadi, manéhna ngarasa leutik haté. w21.04 6 ¶17, 19; 7 ¶20

Senén, 3 Juli

Bagja jalma anu tetep tabah nyanghareupan cocoba, sabab sanggeus lulus tina cocoba éta, manéhna bakal narima makuta kahirupan.​—Yak. 1:12.

Yéhuwa téh apal iraha waktu nu pangcocogna pikeun ngancurkeun dunya nu jahat ieu. Salila ieu Yéhuwa geus sabar, jadi loba jalma bisa kenal ka Mantenna. Ayeuna aya jalma kacida lobana, anu jumlahna jutaan, nu keur ibadah jeung ngamulyakeun Mantenna. Maranéhna nganuhunkeun sabab Yéhuwa geus sabar ngadagoan maranéhna lahir, diajar pikeun nyaah ka Mantenna, sarta pikeun ngabaktikeun diri ka Mantenna. Yéhuwa milih pikeun tabah. Éta téh putusan anu bijaksana pisan. Ku lantaran Mantenna tabah, ayeuna aya jutaan jalma anu bisa tabah ogé nepi ka ahir! Najan Sétan nyababkeun loba kasedih jeung kasangsaraan, Yéhuwa tetep jadi ”Allah anu bagja”. (1 Tim. 1:11, NW) Urang gé bisa tetep suka bungah bari ngadagoan Yéhuwa nyucikeun nami-Na, neguhkeun hak-Na pikeun maréntah, nyingkirkeun kabéh kajahatan, jeung nyingkirkeun kabéh masalah urang. Jadi, urang kudu boga tékad pikeun terus tabah. Terus sing inget, salila ieu Yéhuwa geus tabah. w21.07 13 ¶18-19

Salasa, 4 Juli

Ah piraku aya nu hadé ti Nazarét.​—Yah. 1:46.

Jalma-jalma dina jaman Yésus henteu percaya ka anjeunna. Keur maranéhna mah, Yésus téh ngan anak ti saurang tukang kayu. Geus kitu, Yésus téh asalna ti Nasarét, kota nu disapirakeun ku jalma-jalma. Malah salah saurang muridna, nyaéta Natanaél, pernah nanya kieu, ”Na aya kitu anu hade ti Nasaret?” Meureun manéhna inget kana ramalan nu dicatet dina Mika 5:1, nu nyebutkeun Mésias téh lahirna di Bétléhém, lainna di Nasarét. Nabi Yésaya ngaramalkeun yén musuh-musuh Yésus bakal ngabaékeun ”asal-usul [Mésias]”. (Yes. 53:8, NW) Kuduna jalma-jalma téh mariksa asal-usulna Yésus. Ku kituna, maranéhna bakal apal yén Yésus téh lahirna di Bétléhém, sarta turunan ti Raja Daud. (Luk. 2:4-7) Yésus lahir di tempat nu geus diramalkeun dina Mika 5:1. Jadi, ku naon jalma-jalma harita teu percaya ka Yésus? Maranéhna téh gancang teuing nyieun kasimpulan, padahal can nyaho kabéh katerangan ngeunaan Yésus. Matakna, maranéhna jadi teu percaya ka Yésus. w21.05 2-3 ¶4-6

Rebo, 5 Juli

Abdi nampi kana hukuman sareng panegorna jalmi sae.​—Jab. 141:5.

Alkitab gé nyatet conto ti jalma-jalma nu daék ngadéngékeun naséhat jeung ahirna diberkahan. Misalna Ayub. Manéhna téh jalma nu ngahormat ka Allah, tapi angger wéh manéhna téh teu sampurna. Waktu beunang cocoba nu beurat pisan, manéhna boga pamikiran nu salah. Ku kituna, manéhna dibéré naséhat langsung ku Élihu jeung Yéhuwa. Kumaha sikep Ayub? Ceuk Ayub, ”Abdi . . . ngomongkeun perkawis anu ku abdi henteu kaharti . . . Ana emut kana ucapan sorangan, estu kalintang isinna, seja nyanggakeun pertobat, seja nyuksruk kana lebu.” (Ayub 42:3-6, 12-17) Éta kabukti waktu manéhna daék narima naséhat ti Élihu nu leuwih ngora tibatan manéhna. (Ayub 32:6, 7) Mun rendah haté, urang daék narima naséhat sanajan urang ngarasa naséhatna téh teu cocog keur urang. Urang gé daék narima naséhat ti jalma nu leuwih ngora tibatan urang. Urang kabéh pasti hayang maju, misalna dina mekarkeun sipat-sipat nu dihasilkeun ku kawasa suci atawa jadi pawarta jeung guru nu leuwih tarampil. w22.02 11 ¶8; 12 ¶12

Kemis, 6 Juli

Kabéh jalma bakal nyaho maranéh téh murid urang lamun maranéh silih pikanyaah.​—Yah. 13:35.

Kabéh anggota sidang boga tanggung jawab pikeun ngajaga sidang tetep tengtrem jeung nunjukkeun kanyaah ka kabéh dulur saiman. Ku kituna, moal aya nu bakal ngarasa sorangan. Kekecapan jeung laku lampah urang téh bisa nguatkeun batur. Naon nu bisa Sadérék lakukeun supaya jalma nu kulawargana lain Saksi bisa ngarasa dipikanyaah ku dulur-dulur saiman? Pék nyobat jeung anu kakara ngagabung di sidang urang. Mun aya jalma nu minat, dulur saiman nu kakara gabung jeung sidang urang, atawa pawarta nu kakara dibaptis, urang bisa soméah nyambut maranéhna. (Rum 15:7) Tapi lamun hayang nyobat jeung maranéhna, éta hungkul teu cukup. Urang kudu bageur jeung nunjukkeun perhatian. Urang hayang ngarti kaayaan maranéhna, tapi urang moal pipilueun kana urusan pribadi maranéhna. Aya anu hésé ngungkabkeun parasaanana, jadi ulah méré pananya anu bisa nyieun maranéhna risi. Urang kudu bijaksana waktu méré pananya. Misalna, urang bisa nanyakeun kumaha manéhna bisa jadi Saksi. Terus mun manéhna keur nyarita, urang kudu sabar ngadéngékeunana. w21.06 11 ¶13-14

Jumaah, 7 Juli

Maranéhna bakal ngadéngé sora urang jeung bakal jadi sapangangonan ku hiji pangangon.​—Yah. 10:16.

Urang boga kahormatan pikeun ibadah ka Yéhuwa sabagé ’domba-domba nu sakandang’ nu diurus ku ”hiji pangangon”! Buku Diorganisasi untuk Melakukan Kehendak Yéhuwa kaca 165 nyebutkeun kieu, ”Lantaran Sadérék geus ngarasakeun mangpaatna kasatunggalan, Sadérék ogé boga tanggung jawab pikeun ngajaga hal éta.” Jadi, urang kudu ”ngalatih diri pikeun ningali dulur-dulur saiman, sakumaha Yéhuwa ningali maranéhna”. Keur Yéhuwa, urang kabéh téh ”barudak leutik” nu dipikanyaah. Na Sadérék gé nyaah ka dulur-dulur saiman jiga kitu? Yéhuwa merhatikeun jeung ngahargaan sagala hal nu dilakukeun ku Sadérék pikeun nulungan jeung nunjukkeun kanyaah ka maranéhna. (Mat. 10:42) Urang nyaah ka dulur-dulur saiman. Jadi, sing sabisa-bisa ulah nganyenyeri haté maranéhna. Urang kudu nganggap dulur-dulur saiman leuwih hadé tibatan urang sarta iklas ngahampura maranéhna. Urang gé ulah jadi jalma nu babari kasinggung. Sabalikna, ”anu kudu dijieun tujuan teh salilana kudu hal-hal anu pirukuneun jeung anu baris bisa dipake silih tunjang pada batur”.​—Rum 14:19. w21.06 24 ¶16-17

Saptu, 8 Juli

Allah nu ngajadikeunana.​—1 Kor. 3:7.

Lamun urang leukeun diajar jeung daék ngalarapkeun naséhat anu ditarima tina Firman Allah jeung organisasi-Na, lila-lila sipat-sipat urang jadi beuki mirip jeung sipat-sipat Kristus. Urang gé bakal beuki kenal ka Allah. Yésus ngibaratkeun warta Karajaan jiga binih anu leutik pisan. Lalaunan, binih éta téh tumuwuh dina haté jalma bener. Ceuk Yésus, ”Binihna jaradi jeung ngagedean. Teu nyahoeun manehna [anu ngawurkeun binihna] mah peta jadina teh kumaha. Pepelakanana ku taneuh disina jadi nepi ka buahanana, sina mentik, sina ngagedean, sina ranggeuyan, sina buahan.” (Mar. 4:27, 28) Jiga pepelakan anu lalaunan tumuwuhna, saurang jalma anu narima warta Karajaan gé butuh waktu pikeun barobah. Misalna, waktu palajar Alkitab beuki deukeut ka Yéhuwa, manéhna mulai nyieun parobahan anu hadé. (Epe. 4:22-24) Urang kudu inget, anu numuwuhkeun binih éta téh Yéhuwa. w21.08 9 ¶4-5

Minggu, 9 Juli

Mana sing tarima ku nu geus aya, ulah hayang leuwih loba.​—Pan. 6:9.

Urang bisa leuwih bungah. Jalma anu narimakeun hal-hal ”nu geus aya” bakal ngahargaan nu dipibogana. Tapi, ari nu hayang leuwih loba mah moal pernah ngarasa cukup. Naon palajaranana? Supaya leuwih bungah, urang kudu narimakeun hal-hal nu geus aya jeung netepkeun cita-cita nu bisa dihontal. Loba jalma mikir, maranéhna moal bisa ngarasa cukup ku pangabogana, sabab manusa mah hayang boga atawa ngalakukeun hal-hal anu anyar. Tapi, sabenerna urang téh bisa resep jeung ngarasa cukup ku ”nu geus aya”. Kumaha carana? Perhatikeun ibarat Yésus ngeunaan talénta anu dicatet dina Mateus 25:14-30 jeung perhatikeun kumaha carana supaya urang bisa leuwih bungah ku pangaboga urang ayeuna. w21.08 21 ¶5-6

Senén, 10 Juli

Panglinggihan Kami luhur jeung suci, tapi Kami oge ngareujeungan ka anu rarendah hate jeung tarobat, geusan mulihkeun kayakinan jeung pangharepanana.​—Yes. 57:15.

Yéhuwa bener-bener merhatikeun jalma-jalma anu ”remuk hate jeung pegat pangharepan”. Anu bisa mantuan dulur saiman téh nya kabéh anggota sidang, teu ngan kokolot hungkul. Salah sahiji cara pikeun nguatkeun dulur saiman nyaéta nunjukkeun perhatian ka maranéhna. Yéhuwa hayang urang nunjukkeun sakumaha nyaahna Mantenna ka maranéhna. (Kol. 3:12) Urang gé bisa mantuan dulur saiman ku cara rendah haté jeung teu ngagul-ngagulkeun diri. Urang embung dianggap hébat, sabab urang embung aya nu sirik ka urang. Sabalikna, urang hayang nguatkeun dulur saiman liwat kekecapan jeung tindakan urang. (1 Pet. 4:10, 11) Urang bisa diajar loba hal lamun ningali kumaha sikep Yésus ka murid-muridna. Di bumi, teu aya jalma anu sahébat Yésus. Tapi anjeunna téh ”lemah lembut jeung rendah hate”. (Mat. 11:28-30) Waktu ngajar batur, anjeunna ngagunakeun basa anu saderhana jeung ibarat anu gampang dipikaharti supaya keuna kana haté jalma-jalma.​—Luk. 10:21. w21.07 23 ¶11-12

Salasa, 11 Juli

Tanya kolot-kolot, perkara lalakon baheula.​—Pam. 32:7.

Pék ajak ngobrol sadérék-sadérék nu sepuh. Nya mémang, panon maranéhna téh geus teu awas, leumpangna gé hésé, ngomongna gé jadi leuwih laun. Tapi najan kitu, maranéhna téh terus sumanget ngalayanan Yéhuwa jeung nyieun ”ngaran seungit” di hareupeun Yéhuwa. (Pan. 7:1) Sing inget ku naon Yéhuwa téh ngahargaan maranéhna. Ku kituna, urang ogé kudu ngahargaan maranéhna. Urang bisa nyonto Élisa, manéhna téh tetep hayang maturan Élia nepi ka ahir. Malah, manéhna nepi ka tilu kali ngomong, ”Abdi moal ngantunkeun Ama.” (2 Rja. 2:2, 4, 6) Tunjukkeun perhatian ka sadérék nu sepuh ku cara nanyakeun pangalamanana. (Sil. 1:5; 20:5; 1 Tim. 5:1, 2) Urang bisa nanya kieu, ”Baheula, naon nu ngayakinkeun Sadérék kana bebeneran?” ”Naon waé nu ngabantu Sadérék jadi leuwih deukeut jeung Yéhuwa?” ”Kumaha carana Sadérék bisa tetep bagja dina ngalayanan Yéhuwa?” (1 Tim. 6:6-8) Pék déngékeun waktu maranéhna keur nyarita. w21.09 5 ¶14; 7 ¶15

Rebo, 12 Juli

Allah sorangan nu ngajurung aranjeun, ku cara méré kahayang jeung kakuatan pikeun ngalakukeun hal-hal nu dipikaresep ku Anjeunna.​—Flp. 2:13.

Sadérék nunjukkeun kanyaah ka Yéhuwa ku cara sabisa-bisa nuturkeun paréntah-Na pikeun ngawawar jeung ngajar. (1 Yoh. 5:3) Pék pikirkeun: Lantaran nyaah ka Yéhuwa, Sadérék daék ngawawar. Tapi, na nuturkeun paréntah ieu téh gampang? Jigana mah henteu. Waktu mimiti pisan ngawawar ka hiji imah, na Sadérék geumpeur? Pasti. Tapi Sadérék apal, Yésus hayang Sadérék ngalakukeun pagawéan ieu, jadi Sadérék daék ngalakukeunana. Beuki sering Sadérék ngawawar, Sadérék bakal ngarasa ngawawar téh jadi beuki gampang. Tapi, kumaha jeung ngajarkeun Alkitab ka batur? Meureun Sadérék gé geumpeur mun kudu nawarkeun palajaran Alkitab ka batur. Mun kitu, pék ngadoa ka Yéhuwa jeung ménta bantuan ka Mantenna supaya Sadérék teu geumpeur jeung wani nawarkeun palajaran Alkitab. Engké, Sadérék bakal jadi leuwih hayang ngabantu batur jadi murid. w21.07 3 ¶7

Kemis, 13 Juli

Manéhna maksa kabéh jalma sangkan narima tanda dina leungeun katuhu, atawa dina tarangna.​—Why. 13:16.

Di jaman baheula, saurang palayan bakal dibéré tanda pikeun nyirikeun saha dununganana. Kitu ogé, di jaman kiwari kabéh jalma kudu nunjukkeun tanda dina leungeun atawa tarangna. Éta bakal kaciri tina laku lampah jeung cara pikirna. Jalma-jalma bakal nyirikeun yén maranéhna téh ngadukung jeung milikna sistim pulitik dunya ieu. Na urang daék narima tanda éta jeung ngadukung sistim pulitik dunya ieu? Jalma-jalma nu nolak bakal nyanghareupan kaayaan nu hésé jeung pibahayaeun. Buku Wahyu nyebutkeun, ”Euweuh nu bisa meuli atawa ngajual salian ti jalma nu boga tanda.” (Why. 13:17) Tapi umat Allah mah nyaho jalma-jalma nu boga tanda éta bakal dikumahakeun. Éta geus dijelaskeun ku Wahyu 14:9, 10. Umat Allah mah moal narima tanda éta, tapi bakal nulis dina leungeunna, ”Kuring kagungan PANGERAN.” (Yes. 44:5) Jadi ti ayeuna kénéh, urang kudu ngajaga kasatiaan urang ka Yéhuwa. Ku kituna, Yéhuwa gé daék ngakukeun urang sabagé milik Anjeunna! w21.09 18 ¶15-16

Jumaah, 14 Juli

Budi akal datangna ti pada jalma, cara waja silih asah jeung waja.​—Sil. 27:17.

Pénta bantuan dulur-dulur saiman. Rasul Paulus téh ngajarkeun Timoteus carana ngawawar jeung ngajar batur. Paulus gé ménta Timoteus pikeun ngajarkeunana deui ka dulur-dulur saiman séjénna. (1 Kor. 4:17) Sarua jiga Timoteus, urang gé bisa nyonto sadérék-sadérék di sidang nu geus pangalaman. Urang gé kudu ngadoa ménta bantuan ka Yéhuwa. Unggal rék dines, pék ménta bingbingan ti Yéhuwa. Mun henteu dibantuan ku roh suci-Na mah, urang kabéh moal bisa nanaon. (Jab. 127:1; Luk. 11:13) Terus waktu ngadoa, urang kudu rinci. Misalna, urang bisa ménta Yéhuwa pikeun nungtun urang ngarah urang panggih jeung jalma anu minat. Urang ogé kudu palajaran pribadi. Ceuk Firman Allah, urang kudu ngabuktikeun sorangan ”pangersa Allah, mana nu hade, nu sampurna, nu matak bisa nyukakeun manah-Na”. (Rum 12:2) Lamun urang beuki yakin kana bebeneran ngeunaan Allah, urang gé bakal beuki percaya diri waktu dines. w21.05 18 ¶14-16

Saptu, 15 Juli

Upaya aranjeun nu satékah polah keur Gusti téh moal mubadir.​—1 Kor. 15:58.

Kumaha lamun Sadérék geus ngusahakeun sabisa-bisana jeung ngadoakeun palajar Alkitab Sadérék, tapi manéhna teu maju-maju jeung ahirna palajaran Alkitabna kudu dieureunkeun? Kumaha lamun Sadérék can pernah ngabantu saurang jalma nepi ka dibaptis? Na ieu téh salah Sadérék, jeung Yéhuwa teu ngaberkahan dines Sadérék? Keur Yéhuwa mah, nu penting téh urang terus usaha jeung teu nyerah. Jadi sanajan jalma-jalma embung ngadéngékeun, keur Yéhuwa mah urang téh geus suksés. Ku naon? Sabab urang getol ngawawar jeung ngalakukeunana lantaran nyaah ka Anjeunna. Paulus nulis, ”Allah téh adil jeung moal mopohokeun pagawéan aranjeun sarta kanyaah nu ditémbongkeun ku aranjeun ka ngaran-Na. Aranjeun némbongkeunana ku cara ngalalayanan jeung terus ngalalayanan jalma-jalma suci.” (Ibr. 6:10) Nu diinget ku Yéhuwa téh nyaéta usaha urang jeung kanyaah urang ka Anjeunna. Sing inget ogé kekecapan Paulus dina ayat poé ieu. w21.10 25 ¶4-6

Minggu, 16 Juli

Kabéh jalma nu dipasrahkeun ku Bapa ka urang bakal datang ka urang, jeung saha waé nu datang ka urang moal diusir.​—Yah. 6:37.

Sikep Yésus anu bageur jeung nyaahan katémbong tina cara anjeunna urusan jeung murid-muridna. Yésus apal, pangabisa jeung kaayaan maranéhna téh béda-béda, jadi maranéhna henteu dibéré tanggung jawab anu sarua. Maranéhna gé teu bisa ngalakukeun hal anu sarua dina palayanan. Tapi, Yésus tetep ngahargaan upaya maranéhna anu sapinuh haté. Éta katingali tina ibarat ngeunaan talénta. Dina ibarat éta, dununganna méré tugas dumasar kana ”kasanggupan bujang-bujangna”. Aya dua bujang anu getol. Salah sahijina meunang hasil anu leuwih loba. Tapi, dununganana muji dua bujang éta ku kekecapan anu sarua, ”Sukur, alus. Maneh jelema bener jeung satia.” (Mat. 25:14-23, SF) Yésus gé bageur jeung nyaahan waktu urusan jeung urang. Yésus apal, pangabisa jeung kaayaan urang téh béda-béda. Tapi, anjeunna senang waktu urang ngalakukeun anu panghadéna. Waktu urusan jeung batur, urang ogé kudu nyonto Yésus. w21.07 23 ¶12-14

Senén, 17 Juli

Abdi moal nyilakakeun Juragan abdi.​—1 Sam. 24:10.

Raja Daud pernah teu némbongkeun sipat welas. Contona, waktu Nabal nu kasar embung méré dahareun ka Daud jeung baladna. Daud kacida ambekna jeung rék maéhan Nabal sarta kabéh lalaki di rumah tanggana. Tapi pamajikan Nabal, nu ngaranna Abigail, bageur jeung sabar. Manéhna buru-buru méré dahareun ka Daud. Tindakan Abigail téh nyegah Daud pikeun maéhan Nabal jeung rumah tanggana. (1 Sam. 25:9-22, 32-35) Coba perhatikeun waktu Daud ambek. Daud hayang Nabal jeung kabéh lalaki di rumah tanggana dipaéhan. Daud gé hayang maéhan jalma nu dicaritakeun ku Nabi Natan. Dina conto nu kadua, urang bisa jadi héran ku naon Daud nu biasana mah bageur, tapi ayeuna téga ngahukum jalma nepi ka kituna. Coba pikirkeun kaayaanana. Basa éta, haté sanubari Daud téh keur kaganggu. Lamun saurang jalma meni téga ngahakiman batur, éta nyirikeun manéhna téh keur jauh jeung Yéhuwa, kitu ogé sabalikna. w21.10 12 ¶17-18; 13 ¶20

Salasa, 18 Juli

Maranéh kudu suci, sabab Kuring téh suci.​—1 Pét. 1:16.

Kekecapan dina ayat poé ieu némbongkeun yén urang téh bisa nyonto Pribadi nu pangsucina, nyaéta Yéhuwa. Urang kudu suci dina laku lampah urang. Mémang urang téh teu sampurna, ku kituna pikeun jadi suci téh asa mustahil. Tapi, Rasul Pétrus gé sababaraha kali osok nyieun kasalahan. Najan kitu, pangalaman manéhna némbongkeun yén urang téh bisa jadi suci. Loba jalma nganggap jalma nu suci téh sabagé jalma nu sok maké baju kaagamaan jeung katingalina tara seuri. Tapi sabenerna henteu kitu. Malah Yéhuwa, Pribadi nu suci, gé disebut sabagé ”Allah nu bagja”. (1 Tim. 1:11) Nu nyembah ka Anjeunna gé disebut jalma nu ”bagja”. (Jab. 144:15) Isa teu resep ka jalma-jalma nu maké baju kaagamaan sarta ngalakukeun nu bener téh ngan pédah hayang katempo ku batur. (Mat. 6:1; Mar. 12:38) Sabagé urang Kristen, urang bisa ngarti naon maksudna jadi suci tina Alkitab. Urang yakin pisan Allah teu pernah méré paréntah nu teu bisa dilakukeun. w21.12 2 ¶1, 3

Rebo, 19 Juli

Maranéh ogé kudu nyaah ka Yéhuwa, Allah maranéh, ku sapinuhna haté.​—Mar. 12:30.

Yéhuwa méré loba kurnia ka urang. Salah sahiji kurnia panggedéna téh nyaéta kasanggupan pikeun ngawula Mantenna. Urang nunjukkeun yén urang nyaah ka Yéhuwa ku cara ”nurut kana parentah Mantenna”. (1 Yoh. 5:3) Yésus méré nyaho salah sahiji paréntah ti Yéhuwa, nyaéta urang kudu ngajadikeun murid jeung ngabaptis jalma-jalma. (Mat. 28:19) Anjeunna gé maréntahkeun urang sangkan silih pikanyaah. (Yoh. 13:35) Nu taat kana paréntah Yéhuwa bakal bisa jadi bagian ti kulawarga-Na nu aya di sakuliah dunya. (Jab. 15:1, 2) Kudu silih pikanyaah. Kanyaah téh sipat Yéhuwa nu utama. (1 Yoh. 4:8) Saacan urang kenal ka Yéhuwa gé, Mantenna geus nyaah ka urang. (1 Yoh. 4:9, 10) Urang bisa nyonto Mantenna ku cara mikanyaah batur. (Epe. 5:1) Salah sahiji cara panghadéna pikeun nunjukkeun urang nyaah ka batur téh nyaéta mantuan jalma-jalma pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa, meungpeung masih aya kénéh waktu. (Mat. 9:36-38) Ku kituna, maranéhna bisa boga kasempetan pikeun jadi kulawarga Yéhuwa ogé. w21.08 5-6 ¶13-14

Kemis, 20 Juli

Euweuh nu kanyaahna leuwih gedé.​—Yah. 15:13.

Isa téh nyaah pisan ka Yéhuwa, jadi manéhna réla nyieun pangorbanan keur Bapana jeung keur urang. (Yah. 14:31) Tina cara hirupna di bumi, kabukti Isa téh nyaah pisan ka jalma-jalma. Unggal poé, sikep manéhna ka batur téh bageur jeung rasrasan sanajan aya ogé nu nentang. Cara utama Isa némbongkeun kanyaahna téh nyaéta ngajarkeun ngeunaan Pamaréntahan Allah ka maranéhna. (Luk. 4:43, 44) Isa gé ngabuktikeun kanyaahna ka Allah jeung ka manusa ku cara réla sangsara jeung dipaéhan ku musuh-musuhna. Hasilna, urang kabéh jadi boga harepan pikeun hirup langgeng. Urang ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis téh lantaran urang nyaah ka Bapa nu di sorga. Jadi sarua jiga Isa, urang gé kudu ngabuktikeun kanyaah urang ka Yéhuwa liwat sikep urang. Rasul Yahya nulis kieu, ”Jalma nu teu nyaah ka dulurna nu katempo moal bisa nyaah ka Allah nu teu katempo.”​—1 Yah. 4:20. w22.03 10 ¶8-9

Jumaah, 21 Juli

Terus perhatikeun bener-bener cara hirup aranjeun, kudu jadi jalma nu bijaksana, ulah jadi jalma nu teu bijaksana. Gunakeun waktu aranjeun sahadé-hadéna. —Éf. 5:15, 16.

Mémang, urang resep ngagunakeun waktu keur Yéhuwa, tapi kadang éta téh teu gampang. Saking ku sibukna, bisa jadi urang nepi ka teu boga waktu pikeun kagiatan rohani. Waktu téh asa geus béak keur pagawéan, ngurus kulawarga, atawa kagiatan-kagiatan séjénna. Jadi, urang sok teu sempet ngadoa, diajar Alkitab, jeung ngalenyepanana. Naon deui nu bisa méakkeun waktu urang? Urang bisa jadi sibuk ngalakukeun hal-hal nu sabenerna teu salah, tapi méakkeun waktu nu sakuduna dipaké pikeun ngaraketkeun diri ka Yéhuwa. Misalna, urang kabéh téh butuh rékréasi. Mémang, éta teu salah. Tapi mun loba teuing ulin, urang jadi teu boga waktu keur ngalakukeun kagiatan rohani. Ulah nepi ka urang jadi ngutamakeun rékréasi.​—Sil. 25:27; 1 Tim. 4:8. w22.01 26 ¶2-3

Saptu, 22 Juli

Aku maranehna kawas ka sasama urang Israil, pikanyaah cara ka awak sorangan.​—Ima. 19:34.

Waktu Yéhuwa méré paréntah ka urang Israél pikeun nyaah ka batur, maranéhna téh kudu nyaah ka urang asing nu cicing jeung maranéhna ogé, lain ka sasama urang Israél hungkul. Buktina aya dina Imamat 19:33, 34. Di ditu disebutkeun yén urang asing téh kudu dianggap ”kawas ka sasama urang Israil” jeung kudu ’dipikanyaah’ jiga ka dirina sorangan. Misalna, urang asing jeung nu mariskin meunang mulungan sésa panén ti urang Israél. (Ima. 19:9, 10) Prinsip ieu ogé kudu dilarapkeun ku urang Kristen ayeuna. (Luk. 10:30-37) Kumaha carana? Di sakuliah dunya aya jutaan jalma nu hirup ngumbara jeung pindah ka nagri séjén. Meureun aya ogé urang asing nu cicing di daérah Sadérék. Urang perlu bageur jeung ngahargaan maranéhna, teu sual lalaki, awéwé, atawa barudak. w21.12 12 ¶16

Minggu, 23 Juli

Nu ta’at ka PANGERAN mah, moal nyorang kakurangan.​—Jab. 34:11.

Lamun ti ayeuna kénéh urang sering ngandelkeun bingbingan ti Yéhuwa, engké gé urang bakal yakin yén Yéhuwa sanggup nyalametkeun urang. Urang téh perlu boga iman jeung kudu daék ngandelkeun Yéhuwa. Misalna, waktu urang ménta idin ka dunungan urang pikeun cuti keur kongrés. Atawa waktu urang ménta ngarobah jadwal gawé supaya bisa masamoan jeung miluan dines leuwih sering. Meureun dunungan urang teu méré idin jeung ahirna urang dipecat. Tapi, na urang yakin Yéhuwa mah moal pernah ninggalkeun urang sarta bakal nyumponan pangabutuh urang? (Ibr. 13:5) Loba sadérék nu ngawula sapinuh waktu geus ngarasakeun sorangan kumaha Yéhuwa mantuan maranéhna, hususna waktu maranéhna butuh pisan pitulung ti Yéhuwa. Yéhuwa téh satia. Urang teu kudu sieun nyanghareupan mangsa ka hareup, ku lantaran Yéhuwa téh aya di pihak urang. Allah urang téh moal pernah ninggalkeun urang, salila urang terus ngutamakeun kahayang Anjeunna. w22.01 7 ¶16-17

Senén, 24 Juli

Wewenang anu dijalankeun ku maraneh teh lain ti manusa, sategesna eta teh wewenang ti PANGERAN.​—2 Bab. 19:6.

Kumaha lamun kayakinan urang ka para kokolot diuji? Kumaha lamun aya nu dipecat tapi manéhna téh babaturan atawa kulawarga urang? Bisa jadi urang cangcaya atawa mikir, ’Naha enya para kokolot téh geus mikirkeun sakabéh faktana? Cara maranéhna ngahakiman téh sarua kitu jeung cara Yéhuwa ngahakiman?’ Kumaha supaya urang boga sikep nu bener kana putusan ti para kokolot? Urang kudu inget yén pangaturan pikeun mecat saurang jalma téh asalna ti Yéhuwa. Éta téh mangpaatna keur sidang jeung keur jalma nu geus nyieun dosa. Lamun jalma nu teu daék tobat tetep aya di sidang, manéhna bisa mawa pangaruh goréng ka nu séjén. (Gal. 5:9) Terus, manéhna moal ngarti sakumaha sérius dosa nu geus dilakukeunana. Manéhna gé moal sadar yén manéhna téh kudu ngarobah cara pikir jeung kalakuanana supaya bisa dipikaresep deui ku Yéhuwa. (Pan. 8:11) Urang bisa yakin, waktu para kokolot mutuskeun saurang jalma kudu dipecat atawa henteu, maranéhna téh nganggap ieu tanggung jawab nu sérius pisan. w22.02 5 ¶13-14

Salasa, 25 Juli

Jarami nu geus ngaplék moal dipiteskeun, sumbu lampu nu téréh pareum gé moal dipareuman.​—Mat. 12:20.

Sipat sabar jeung bageur téh bener-bener dibutuhkeun, hususna waktu saurang jalma mimitina embung ngadéngékeun naséhat tina Alkitab. Saurang kokolot ulah nyeri haté lamun naséhatna teu langsung ditarima atawa dituturkeun. Jadi, para kokolot gé bisa ngadoa sacara pribadi ka Yéhuwa pikeun mantuan sadérék éta supaya daék narima naséhat jeung nuturkeunana. Sadérék nu dibéré naséhat téh meureun butuh waktu pikeun mikirkeunana. Jadi lamun saurang kokolot sabar jeung bageur, sadérék nu dibéré naséhat téh bakal leuwih daék ngadéngékeun jeung nuturkeun naséhatna. Tapi nu pangpentingna, naséhatna kudu tina Firman Allah. Sing inget tujuan urang téh lain ngan saukur hayang méré naséhat nu alus, tapi nu matak ”seger” ogé.​—Sil. 27:9. w22.02 18 ¶17; 19 ¶19

Rebo, 26 Juli

Estu nalangsa lamun pangharepan gagal.​—Sil. 13:12.

Waktu urang ngadoa ménta kakuatan pikeun nyanghareupan tangtangan atawa kalemahan pribadi, kadang bisa waé urang ngarasa yén doa urang téh teu dijawab-jawab. Ku naon Yéhuwa teu langsung ngajawab kabéh doa urang? Keur Yéhuwa mah doa urang nu sapinuh haté téh jadi bukti yén urang boga iman ka Mantenna. (Ibr. 11:6) Yéhuwa hayang urang sabisa-bisa nyieun tindakan anu sajalan jeung doa-doa urang sarta sajalan jeung kahayang Mantenna. (1 Yoh. 3:22) Jadi, waktu urang ménta tulung ka Yéhuwa pikeun miceun kabiasaan goréng, urang kudu sabar jeung sabisa-bisa nyieun parobahan. Ceuk Yésus, meureun aya doa urang anu moal langsung dijawab. Jadi, anjeunna méré naséhat, ”Kudu menta, tangtu bakal nampa, kudu neangan, tangtu bakal manggih, kudu ngetrokan, tangtu bakal dibuka pantona. Sabab nu menta tangtu dibere, nu neangan tangtu manggih, nu ngetrok panto tangtu dipangmukakeun.”​—Mat. 7:7, 8. w21.08 8 ¶1; 10 ¶9-10

Kemis, 27 Juli

Kumaha cintana abdi kana hukum Gusti, sadinten jeput kaemut-emut.​—Jab. 119:97.

Supaya bisa boga iman ka Nu Nyipta, Sadérék kudu terus diajar Alkitab. (Yos. 1:8) Sadérék bisa merhatikeun ramalan-ramalan Alkitab anu geus jadi kanyataan jeung mariksa kumaha tulisan ti jalma-jalma nu nulis Alkitab téh silih dukung. Ku cara kitu, Sadérék bakal beuki percaya ka Nu Nyipta sarta yakin Alkitab téh amanat ti Allah. (2 Tim. 3:14; 2 Pet. 1:21) Waktu diajar Alkitab, perhatikeun naon mangpaatna naséhat Alkitab keur urang. Misalna, Alkitab méré paringetan yén beuki kana duit téh bahaya jeung nyababkeun ”rupa-rupa aral”. (1 Tim. 6:9, 10; Sil. 28:20; Mat. 6:24) Jadi, paringetan tina Alkitab ngeunaan ulah beuki kana duit téh bener pisan. Na Sadérék bisa mikirkeun prinsip-prinsip séjén nu gedé mangpaatna? Mun urang paham yén naséhat Alkitab téh aya mangpaatna, urang bakal beuki ngandelkeun Yéhuwa sabab urang yakin Mantenna téh nyaho nu panghadéna keur urang. (Yak. 1:5) Hasilna, hirup urang bakal leuwih bagja.​—Yes. 48:17, 18. w21.08 17-18 ¶12-13

Jumaah, 28 Juli

Allah téh adil jeung moal mopohokeun pagawéan aranjeun sarta kanyaah nu ditémbongkeun ku aranjeun ka ngaran-Na.​—Ibr. 6:10.

Sanajan Sadérék ngolotan, sing yakin Yéhuwa téh terus inget kana naon nu geus Sadérék lakukeun. Sadérék geus terus sumanget dina dines pangwawaran. Sadérék gé tetep teger nyanghareupan loba masalah, malah bisa jadi aya nu pikasediheun pisan. Sadérék terus nyekel pageuh prinsip-prinsip nu aya dina Alkitab. Sadérék gé terus ngajalankeun tugas-tugas nu aya dina organisasi Yéhuwa sarta ngalatih batur. Sadérék sabisa-bisana nuturkeun loba parobahan nu aya dina organisasi Yéhuwa. Sadérék gé terus ngadukung batur nu hayang sapinuh waktu ngalayanan Yéhuwa. Allah Yéhuwa téh nyaah pisan ka Sadérék ku sabab Sadérék terus satia. Yéhuwa jangji, ”Umat nu satia ku Mantenna hamo ditilar!” (Jab. 37:28) Anjeunna gé jangji ka Sadérék, ”Kami, Allah maraneh bakal terus ngurus, nepi ka maraneh karolot, haruisan.” (Yes. 46:4) Jadi, ulah mikir ku lantaran Sadérék téh geus ngolotan, Sadérék geus teu dibutuhkeun deui di organisasi Yéhuwa. Sadérék téh masih dihargaan pisan! w21.09 3 ¶4

Saptu, 29 Juli

PANGERAN teh nyaaheun ka sakur anu hormat ka Mantenna.​—Jab. 103:13.

Yéhuwa téh mikawelas atawa karunyaan lantaran Anjeunna bijaksana pisan. Alkitab nyebutkeun yén ”kabijaksanaan nu asalna ti sorga” téh nyaéta ’karunyaan pisan jeung loba nyieun kahadéan’. (Yak. 3:17) Siga kolot nu nyaah ka budakna, Yéhuwa téh apal umat-Na butuh piwelas Anjeunna. (Yes. 49:15) Kabéh umat-Na téh teu sampurna. Tapi lantaran piwelas Anjeunna, maranéhna jadi bisa hirup langgeng. Lantaran bijaksana gé, Yéhuwa daék mikawelas jalma nu bener-bener tobat. Tapi, Yéhuwa téh saimbang. Jadi, lamun aya jalma nu ngahaja nyieun dosa ku Anjeunna moal diantep Urang kudu kumaha lamun aya umat Allah nu teterusan nyieun dosa? Yéhuwa nitah Paulus ngingetan sidang supaya ”ulah babarengan deui” jeung maranéhna. (1 Kor. 5:11) Jalma nu teu tobat téh perlu dipecat. Tindakan ieu perlu dilakukeun pikeun ngalindungan sadérék-sadérék nu satia jeung pikeun ngajungjung patokan Yéhuwa nu suci. w21.10 9-10 ¶7-8

Minggu, 30 Juli

Allah nyaah ka jalma nu méré bari jeung suka bungah.​—2 Kor. 9:7.

Méré sumbangan pikeun ngadukung kagiatan Pamaréntahan Allah. Waktu rék ibadah ka Yéhuwa, urang Israél téh kudu mawa pangbakti. (Pam. 16:16) Maranéhna téh méré pangbakti sakumaha kasanggupan masing-masing. Ku kituna, maranéhna némbongkeun yén maranéhna téh ngahargaan hal-hal rohani nu geus disadiakeun ku Yéhuwa. Ayeuna, kumaha urang bisa némbongkeun kanyaah jeung rasa sukur urang kana sagala nu geus disadiakeun ku Yéhuwa? Salah sahiji carana nyaéta méré sumbangan keur sidang jeung keur kagiatan di sakuliah dunya sakumaha kasanggupan urang. Rasul Paulus nulis, ”Lamun saurang jalma méréna iklas, éta dipikaresep ku Allah, da Allah hayang manéhna méré sakumaha kasanggupanana, lain di luar kasanggupanana.” (2 Kor. 8:4, 12) Jadi, Yéhuwa pasti ngahargaan lamun urang iklas méré sumbangan, teu sual sabaraha jumlahna.​—Mar. 12:42-44. w22.03 24 ¶13

Senén, 31 Juli

Ngabantu nu lemah, jeung sabar ka kabéh jalma. Kekecapan aranjeun gé kudu nguatkeun nu keur leutik haté.​—1 Tés. 5:14.

Para kokolot teu bisa nyingkirkeun sakabéh masalah umat Yéhuwa. Tapi, Yéhuwa hayang para kokolot sabisa-bisana nguatkeun sarta ngalindungan domba-domba-Na. Najan sibuk, kumaha para kokolot bisa nyadiakeun waktu pikeun nulungan dulur saiman nu butuh bantuan? Tuturkeun tuladan Rasul Paulus. Paulus téh sok muji jeung nguatkeun dulur-dulur saimanna. Jadi, para kokolot gé bisa nyonto Paulus ku cara bageur jeung nyaah ka sadérék-sadérékna. (1 Tés. 2:7) Geus kitu, Paulus gé ngayakinkeun dulur-dulurna yén Paulus sarta Yéhuwa téh nyaah ka maranéhna. (2 Kor. 2:4; Éf. 2:4, 5) Paulus nganggap dulur-dulur saimanna téh jiga babaturan, jadi Paulus sering campur gaul jeung maranéhna. Paulus gé teu éra méré nyaho naon kasieun jeung kalemahanana. (2 Kor. 7:5; 1 Tim. 1:15) Tapi, Paulus teu ngan mikirkeun masalahna sorangan. Manéhna gé hayang mantuan dulur-dulur saimanna. w22.03 28 ¶9-10

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun