Agustus
Salasa, 1 Agustus
Bapa, hampura maranéhna.—Luk. 23:34.
Katingalina, Yésus téh ngadoakeun para prajurit Rum anu maku leungeun jeung sukuna. Sabenerna Yésus téh teu layak dihukum pati, tapi anjeunna teu nyalahkeun batur atawa keuheul ka maranéhna. (1 Pet. 2:23) Jiga Yésus, urang kudu réla ngahampura batur. (Kol. 3:13) Meureun aya jalma-jalma, kaasup kulawarga urang sorangan, nu ngamusuhan urang. Maranéhna jiga kitu téh lantaran teu paham kapercayaan jeung jalan hirup urang. Maranéhna meureun mitnah urang, moyokan urang di hareupeun batur, ngaruksak publikasi urang, atawa malah ngancam rék nyiksa urang. Mun kitu, urang ulah teterusan keuheul ka manéhna. Justru urang bisa ngadoa ka Yéhuwa, ménta supaya maranéhna hiji waktu bisa narima bebeneran ogé. (Mat. 5:44, 45) Mémang ngahampura téh kadang teu gampang, komo deui mun batur bener-bener jahat ka urang. Tapi mun urang teterusan keuheul jeung ngéwa ka maranéhna, urang sorangan nu rugi. (Jab. 37:8) Mun urang ngahampura, urang téh miceun kakeuheul.—Epe. 4:31, 32. w21.04 8-9 ¶3-4
Rebo, 2 Agustus
[Maranéhna] sering nganalangsakeun manah-Na.—Jab. 78:40.
Na aya anggota kulawarga sadérék nu ninggalkeun Yéhuwa? Éta téh pasti beurat pisan! Pikirkeun sakumaha nyeri haténa Yéhuwa waktu anggota kulawarga-Na sorangan, nyaéta para malaikat, ngabarontak ka Anjeunna! (Yud. 6) Geus kitu, bayangkeun sakumaha sedihna Yéhuwa waktu umat-Na nu dipikanyaah, nyaéta urang Israil, teterusan ngalawan ka Anjeunna. (Jab. 78:41) Sing yakin Bapa urang nu di sorga téh ngarasakeun kasedih Sadérék. Anjeunna paham kana kapeurih Sadérék. Yéhuwa bakal nguatkeun jeung ngalilipur Sadérék lantaran Anjeunna téh nyaah pisan ka Sadérék. Waktu saurang budak ninggalkeun Yéhuwa, meureun kolotna ngarasa, ’Kuduna baheula téh urang bisa mantuan budak urang supaya terus satia ka Yéhuwa.’ Saurang sadérék ngomong kieu, ”Urang terus nyalahkeun diri sorangan, malah nepi ka kababawa ngimpi.” Saurang sadérék istri nu ngalaman hal sarupa ngomong, ”Abdi téh asa gagal jadi indung, asa can bener ngajarkeun budak pikeun mikanyaah Yéhuwa.” w21.09 26 ¶1-2; 27 ¶4
Kemis, 3 Agustus
Maranéhna téh jalma biasa nu teu nyakola.—Kis. 4:13.
Sababaraha jalma nganggap Saksi Yéhuwa téh teu pantes ngajarkeun Alkitab ku sabab maranéhna henteu sakola agama. Maranéhna kudu mariksa kabéh faktana. Éta anu dilakukeun ku Lukas nu nulis Injil. Manéhna mariksa ’kalayan taliti sagala perkawis ti awit kajadianana’. Manéhna gé hayang jalma-jalma anu maca Injilna nyaho sakumaha ’benerna sagala perkawis’ anu diajarkeun ngeunaan Yésus. (Luk. 1:1-4) Baheula, urang Yahudi di Béréa téh taliti jiga Lukas. Sanggeus ngadéngé warta hadé ngeunaan Yésus, maranéhna langsung mariksa Kitab-Kitab Ibrani pikeun ngabuktikeun bener henteuna nu diajarkeun. (Ras. 17:11) Ayeuna gé, urang kudu mariksa kabéh faktana. Urang kudu ngabandingkeun naon nu diajarkeun ku umat Allah jeung nu diajarkeun ku Kitab Suci. Urang gé kudu mariksa bener henteuna naon nu diomongkeun ku batur ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa. Lamun urang geus bener-bener mariksa, urang moal langsung percaya kana omongan batur. Urang gé moal kababawa ku prasangka goréng. w21.05 3 ¶7-8
Jumaah, 4 Agustus
Buka haté aranjeun sagedé-gedéna.—2 Kor. 6:13.
Di sidang Sadérék, na aya dulur saiman nu katingalina ngarasa euweuh batur? Pék ajak manéhna gaul bareng. Bisa jadi aya dulur saiman anu bungah pisan mun urang maturan maranéhna dina sababaraha kaayaan. Misalna, waktu kulawargana keur ngarayakeun parayaan-parayaan anu henteu sajalan jeung Alkitab, atawa waktu maranéhna keur sedih pisan dina tanggal-tanggal nu husus, sabab éta téh tanggal maotna kulawarga atawa sobatna. Mun urang maturan manéhna, urang nunjukkeun sipat ”saperasaan”. (Pil. 2:20) Kadang umat Allah bisa ngarasa sorangan, alesanana téh rupa-rupa. Tapi sing inget, Yéhuwa paham kumaha parasaan urang. Mantenna bisa ngagunakeun dulur-dulur saiman pikeun mantuan urang. (Mat. 12:48-50) Urang pasti nganuhunkeun kana bantuan éta. Urang bisa nunjukkeun rasa sukur urang ka Yéhuwa ku cara sabisa-bisa mantuan dulur-dulur saiman urang ogé. Teu sual kumaha parasaan urang, urang moal pernah sorangan, sabab aya Yéhuwa! w21.06 13 ¶18-20
Saptu, 5 Agustus
Laku lampah aranjeun kudu tetep hadé di antara jalma-jalma di dunya, supaya waktu maranéhna nuduh aranjeun nyieun salah, maranéhna bisa nyaksian laku lampah aranjeun nu hadé. Hasilna, maranéhna bakal ngamulyakeun Allah.—1 Pét. 2:12.
Yésus tetep sumanget jeung terus nguarkeun warta hadé, sanajan loba jalma embung ngadéngékeun. Ku naon? Yésus nyaho, jalma-jalma téh butuh warta hadé ieu. Yésus gé hayang nulungan saloba-lobana jalma. Salian ti éta, Yésus gé nyaho, jalma anu embung ngadéngékeun téh bisa waé engkéna barobah. Misalna, adi-adina sorangan. Pas Yésus ngalayanan salila tilu satengah taun, adi-adina euweuh nu daék jadi muridna. (Yoh. 7:5) Tapi sanggeus Yésus dihirupkeun deui, maranéhna ahirna jadi urang Kristen. (Ras. 1:14) Urang teu apal saha nu bakal narima bebeneran Alkitab anu urang wartakeun. Sababaraha jalma butuh waktu rada lila supaya bisa narima bebeneran. Tapi najan maranéhna embung ngadéngékeun gé, maranéhna bisa ningali kalakuan urang anu hadé jeung sumanget urang. Sugan wéh engké maranéhna bakal ”maruji ka Allah”. w21.05 18 ¶17-18
Minggu, 6 Agustus
Geura arindit tuluy wartakeun, ’Pamaréntahan sorga geus deukeut.’—Mat. 10:7.
Basa di bumi, Yésus méré dua paréntah ka murid-muridna. Kahiji, Yésus méré paréntah pikeun ngawawarkeun warta hadé ngeunaan Karajaan Allah. Anjeunna gé méré nyaho cara ngalakukeunana. (Luk. 8:1) Misalna Yésus méré nyaho, murid-muridna kudu kumaha lamun aya nu narima warta hadé jeung kudu kumaha lamun aya anu nolak. (Luk. 9:2-5) Yésus gé méré nyaho, engké murid-muridna bakal ngawawar ka sagala bangsa. Maranéhna bakal ngawawar ka loba jalma jeung di loba tempat. (Mat. 24:14; Ras. 1:8) Yésus gé maréntahkeun murid-muridna pikeun ngajar batur ngalakonan sagala hal nu diparéntahkeun ku anjeunna. Harita, Yésus nunjukkeun yén pagawéan penting ieu bakal terus dilakukeun ”nepi ka ahir jaman”. (Mat. 28:18-20) Terus waktu méré titingalian ka Yohanes, Yésus nunjukkeun yén anjeunna hayang kabéh muridna mantuan batur diajar ngeunaan Yéhuwa.—Wahyu 22:17. w21.07 2-3 ¶3-4
Senén, 7 Agustus
Ulah ngarasa diri hébat, ulah papanas-panas supaya saingan, jeung ulah pasirik-sirik.—Gal. 5:26.
Kiwari, loba jalma anu hayang katingali leuwih hébat tibatan batur. Maranéhna jadi teu paduli mun tindakanana nganyenyeri batur. Misalna, saurang pangusaha nu hayang suksés, bisa waé ngalakukeun hal-hal anu ngarugikeun saingan bisnisna. Terus, saurang atlit nu keur tanding bisa waé nyilakakeun lawanna supaya manéhna meunang. Saurang palajar bisa waé nyonték waktu ujian ngarah manéhna katarima di perguruan tinggi anu alus. Sabagé urang Kristen, urang apal tindakan-tindakan jiga kitu téh salah. Éta téh kaasup ”napsu badan”. (Gal. 5:19-21) Tapi, mungkin teu aya umat Allah anu teu sadar yén manéhna boga sipat jiga kitu? Éta téh pananya anu penting pikeun dipikirkeun, sabab mun aya anggota sidang anu hayang katingali leuwih hébat ti batur, sidang moal bisa ngahiji. Urang perlu ningali tuladan alus ti jalma-jalma satia dina jaman Alkitab anu rendah haté jeung embung katingali leuwih hébat tibatan batur. w21.07 14 ¶1-2
Salasa, 8 Agustus
Bagja jalma nu sok tatalang ka nu walurat, mun meunang papait tangtu ku PANGERAN dijait.—Jab. 41:2.
Kaasih nu langgeng ngagerakkeun urang pikeun ngabantu dulur saiman nu keur nalangsa. Sadérék-sadérék urang ayeuna gé terus maturan jeung mantuan dulur saiman nu keur sedih jeung leutik haté. Maranéhna nyaah pisan jeung hayang sabisa-bisa ngabantu dulur saimanna. (Sil. 12:25; 24:10) Paulus gé ngajurung urang, ’Bantu nu lemah jeung sabar ka kabéh jalma. Kekecapan aranjeun gé kudu nguatkeun nu keur leutik haté.” (1 Tes. 5:14) Seringna mah cara nu panghadéna pikeun mantuan nu keur nalangsa téh, nyaéta ku cara ngadéngékeun jeung ngayakinkeun yén urang téh nyaah ka manéhna. Usaha urang ieu pasti diperhatikeun ku Yéhuwa. Anjeunna pasti resep ningali urang nulungan domba nu dipikanyaah ku Anjeunna. Ibrani 6:10 nyebutkeun, ”Allah téh adil jeung moal mopohokeun . . . kanyaah nu ditémbongkeun ku aranjeun.” w21.11 10 ¶11-12
Rebo, 9 Agustus
Pek rarasakeun, kumaha saena PANGERAN. Bagja jalma nu nyalindung ka Mantenna.—Jab. 34:9.
Naon nu bisa dilakukeun ku urang pikeun nyiapkeun diri keur mangsa ka hareup? Urang kudu bisa ngarasa puas jeung ngarasa bungah ku lantaran bisa nyobat jeung Yéhuwa. Lamun urang leuwih wanoh ka Allah, urang gé bisa yakin yén Anjeunna bakal ngalindungan urang waktu Gog ti Magog nyerang urang. Kekecapan dina ayat poé ieu ngajelaskeun ku naon Daud téh ngandel ka Yéhuwa. Daud percaya ka Yéhuwa jeung teu pernah dikuciwakeun. Basa ngora kénéh, Daud kudu ngalawan Goliat, prajurit Pélisti nu awakna badag pisan jeung gagah. Ceuk Daud, ”Poe ieu keneh maneh ku PANGERAN diselehkeun ka leungeun kami.” (1 Sam. 17:46) Tuluy, waktu Daud ngalalayanan Raja Saul, sababaraha kali Saul téh rék maéhan Daud. Tapi, Daud terus ”disarengan ku PANGERAN”. (1 Sam. 18:12) Daud geus ningali sorangan kumaha Yéhuwa terus ngabantu manéhna, Daud jadi yakin Yéhuwa bakal terus ngabantu manéhna nyanghareupan masalahna. w22.01 6 ¶14-15
Kemis, 10 Agustus
Mahluk-mahluk surga sarurak bungah.—Ayb. 38:7.
Waktu ngalakukeun hiji hal, Yéhuwa téh sabar jeung teu gurunggusuh. Tapi, Mantenna nyadiakeun waktu nu cukup pikeun ngaréngsékeun pagawéana-Na. Mantenna jiga kitu téh supaya nami-Na dimulyakeun sarta supaya batur gé bisa ngarasakeun mangpaatna. Misalna, perhatikeun kumaha Yéhuwa nyiapkeun bumi ku cara nu taliti supaya bisa dicicingan ku manusa. Alkitab ngajelaskeun kumaha Mantenna téh ”nangtukeun legana” bumi, masang ’tihang-tihang anu nanggeuyna’, sarta ’masangkeun batu juruna’. (Ayub 38:5, 6) Malah, Yéhuwa gé nyadiakeun waktu pikeun mariksa hasil gawé-Na. (Kaj. 1:10, 12) Na Sadérék bisa ngabayangkeun kumaha parasaan para malaikat waktu ningali hasil ciptaan Yéhuwa? Ceuk Alkitab, para malaikat ”sarurak bungah”. Jadi, naon palajaranana? Yéhuwa butuh waktu mangrébu-rébu taun pikeun ngaréngsékeun pagawéana-Na. Tapi waktu ningali hasil gawé-Na, Mantenna ngomong éta kabéh téh ”pohara kamanah-Na”.—Kaj. 1:31. w21.08 9-10 ¶6-7
Jumaah, 11 Agustus
Alus, manéh téh palayan nu hadé jeung satia!—Mat. 25:23.
Dina ibarat nu dicaritakeun ku Yésus, aya saurang dunungan nu rék indit ka nagri nu jauh. Saacan indit, manéhna ngumpulkeun palayan-palayanna tuluy nitipkeun talénta pikeun digolangkeun. Manéhna apal, unggal palayanna téh boga kasanggupan nu béda-béda. Jadi, manéhna méré lima talénta ka palayan nu kahiji, dua talénta ka palayan nu kadua, jeung hiji talénta ka palayan nu katilu. Palayan kahiji jeung kadua getol ngagolangkeun duit dununganana. Tapi, palayan nu katilu mah teu ngagolangkeun duit dununganana, jadi manéhna dipecat. Palayan nu kahiji, palayan nu kadua ngarti yén tugas nu dibéré téh tugas penting. Jadi, manéhna bener-bener digawé jeung ngagolangkeun taléntana. Hasilna, dununganana senang. Palayan éta gé dipercayakeun leuwih loba tugas! w21.08 21 ¶7; 22 ¶9-10
Saptu, 12 Agustus
Kami rek ngoyagkeun langit jeung bumi, daratan jeung laut.—Hag. 2:6.
Salila ahir jaman ieu, Yéhuwa téh terus sabar. Anjeunna teu hayang saurang-urang acan dibinasakeun. (2 Pét. 3:9) Anjeunna méré kasempetan ka jalma-jalma pikeun tobat. Tapi Yéhuwa téh moal sabar salilana. Jalma-jalma nu masih kénéh nolak, bakal ngalaman kajadian jiga Piraon di jaman Musa baheula. Harita Yéhuwa ngomong ka Piraon, ”Upama Kami geus ngangkat leungeun ngagebug maneh jeung rahayat maneh ku hiji kasakit, maneh tangtu tumpur lebur. Tapi maneh kudu nyaksian kakawasaan Kami, sangkan Kami kamashur ka sakuliah jagat. Ku sabab kitu maneh rek dibere keneh hirup.” (Bud. 9:15, 16) Engkéna sakabéh bangsa bakal sadar ngan Yéhuwa hiji-hijina Allah nu sajati. (Yeh. 38:23) Nu dioyag-oyag dina ayat poé ieu téh ngamaksudkeun dimusnakeunana jalma-jalma nu siga Piraon, nu embung ngakukeun hak Yéhuwa pikeun maréntah. w21.09 18-19 ¶17-18
Minggu, 13 Agustus
Kudu milu bungah ka nu bungah, milu ceurik ka nu ceurik.—Rm. 12:15.
Naha Sadérék ngarasa susah haté lantaran kulawarga atawa sobat Sadérék dipecat ti sidang? Jeung, kumaha lamun di sidang aya nu omonganana nganyenyeri haté Sadérék? Urang sadar kabéh jalma téh bisa salah ngomong. (Yak. 3:2) Urang kabéh teu sampurna, jadi bisa waé dulur-dulur saiman téh bingung rék ngomong naon atawa omonganana kalah ka nganyenyeri haté urang. Sabenerna maksudna mah teu kitu. Perhatikeun naséhat ti Paulus, ”Aranjeun kudu terus silih sabaran jeung iklas silih hampura sanajan aya nu pikakeuheuleun.” (Kol. 3:13) Pék terus kuatkeun anggota kulawarga nu masih satia. Maranéhna téh bener-bener butuh dikuatkeun jeung ngarasa dipikanyaah. (Ibr. 10:24, 25) Bisa jadi aya nu ngarasa lantaran hiji anggota kulawargana dipecat, kabéhanana dianggap jiga nu keur dipecat ogé. Maranéhna ngarasa sababaraha sadérék di sidang ngajauhan jeung teu ngajak ngobrol deui maranéhna. Ulah nepi ka maranéhna ngarasa kitu! Lamun aya budak ngora di sidang nu kolotna dipecat, urang bisa nguatkeun jeung ngahargaan manéhna. w21.09 29 ¶13-14; 30 ¶16
Senén, 14 Agustus
Malah nambahan kaweruh nu geus laluhung.—Sil. 1:5.
Waktu sadérék nu ngora campur gaul jeung sadérék nu sepuh, maranéhna bisa silih kuatkeun. (Rm. 1:12) Sadérék nu ngora bakal leuwih yakin yén Allah Yéhuwa téh nyaah pisan ka umat-Na nu satia. Sadérék nu sepuh gé bakal ngarasa leuwih dipikanyaah deui. Maranéhna gé bakal resep lamun nyaritakeun kumaha Allah Yéhuwa téh geus ngaberkahan maranéhna. Lamun urang ngolotan, biasana urang téh geus teu kasép jeung teu geulis deui. Tapi keur Yéhuwa mah lamun urang terus satia, kageulisan urang justru beuki nambahan. (1 Tés. 1:2, 3) Ku naon bisa kitu? Ku sabab geus mangtaun-taun kawasa suci ti Allah téh ngabantu maranéhna supaya boga sipat-sipat nu hadé. Jadi lamun urang leuwih kenal ka sadérék-sadérék nu sepuh, ngahargaan maranéhna, jeung diajar loba hal ti maranéhna, urang bakal sadar maranéhna téh permata nu éndah pisan! Sidang bakal leuwih kuat mun urang silih hargaan. Jadi, lain sadérék-sadérék ngora hungkul nu perlu ngahargaan nu sepuh téh. Tapi, sadérék-sadérék sepuh gé perlu ngahargaan nu ngora. w21.09 7 ¶15-18
Salasa, 15 Agustus
Tong sok ngahakiman batur ngarah maranéh gé teu dihakiman, sabab cara nu dipaké ku maranéh keur ngahakiman batur, bakal dipaké ogé keur ngahakiman maranéh.—Mat. 7:1, 2.
Urang hayang sabisa-bisana nyonto Yéhuwa nu ”kacida welas asihna”. (Éf. 2:4) Jalma nu welas téh teu ngan saukur ngarasa karunya ka batur. Tapi manéhna bakal nyieun tindakan pikeun nulungan batur. Urang kabéh bisa merhatikeun aya teu kulawarga, dulur-dulur di sidang, sarta jalma-jalma di sakuriling urang nu butuh bantuan. Ku kituna, pasti urang bisa némbongkeun sipat welas ka maranéhna. Misalna, na aya nu butuh dikuatkeun? Na urang bisa nawarkeun dahareun atawa mikirkeun bantuan nu diperlukeun ku batur? Na di sidang téh aya jalma nu kakara balik deui ka Yéhuwa nu butuh dibaturan? Na urang téh nyaritakeun warta hadé ka batur? (Ayub 29:12, 13; Rm. 10:14, 15; Yak. 1:27) Lamun urang merhatikeun jalma-jalma nu butuh bantuan, éta téh kasempetan pikeun némbongkeun sipat welas. Waktu urang ngalakukeunana, urang pasti nyenangkeun Bapa urang nu di sorga, Allah nu ”kacida welas asihna”! w21.10 13 ¶20-22
Rebo, 16 Agustus
PANGERAN teh Gusti pangangon abdi, abdi moal kakirangan.—Jab. 23:1.
Dina Jabur 23, Daud nyebutkeun berkah-berkah nu mangpaatna langgeng lantaran ngajadikeun Yéhuwa sabagé Pangangonna. Yéhuwa nungtun Daud ka ”jalan nu bener” jeung terus nyarengan Daud waktu keur senang jeung susah. Daud gé apal, sanajan manéhna hirup ”di sampalan hejo ngemploh” milik Yéhuwa, lain hartina manéhna moal nyanghareupan masalah. Sakapeung Daud téh ngarasa leutik haté, jiga keur ”nyorang nu poek ngajumbleng”. Salian ti éta, manéhna gé boga musuh. Tapi lantaran Daud boga Yéhuwa sabagé pangangonna, manéhna ’teu sieun’. Dina hal naon Daud téh ’moal kakurangan’? Sacara rohani, Daud teu kakurangan nanaon. Daud teu butuh loba hal pikeun ngarasa bagja. Daud puas kana hal-hal nu geus disadiakeun ku Yéhuwa. Nu pangpentingna keur Daud mah nyaéta berkah jeung panyalindungan ti Yéhuwa. Urang bisa diajar tina kekecapan Daud. Urang téh kudu boga pandangan nu bener ngeunaan harta banda. w22.01 3-4 ¶5-7
Kemis, 17 Agustus
Masing-masing bakal meunang ganjaran nu saimbang jeung pagawéanana.—1 Kor. 3:8.
Ti jaman baheula kénéh, umat Allah geus ngawawar najan jalma-jalma arembung ngadéngékeun. Contona Nuh, nu disebut sabagé ”pawarta bebeneran”. (2 Pét. 2:5) Manéhna ngawawar salila puluhan taun. Nuh pasti hayang kabéh jalma ngadéngékeun warta ti manéhna, tapi Yéhuwa teu pernah ngomong yén jalma-jalma bakal ngadéngékeun. Waktu Yéhuwa méré paréntah ka Nuh pikeun nyieun kapal gedé, Anjeunna ngomong, ”Maneh saanak pamajikan jeung minantu-minantu, kudu asup ka eta kapal.” (Kaj. 6:18) Terus waktu Yéhuwa méré nyaho ukuran éta kapal, meureun Nuh jadi sadar yén moal loba jalma bakal ngadéngékeun warta ti manéhna, da kapalna gé moal mahi. (Kaj. 6:15) Jeung mémang bener, euweuh hiji-hiji acan anu ngadéngékeun manéhna! (Kaj. 7:7) Tapi, na éta hartina Nuh téh gagal? Tangtu henteu! Di hareupeun Yéhuwa mah, Nuh téh geus jadi pawarta anu suksés ku lantaran manéhna satia ngajalankeun sakabéh paréntah Allah.—Kaj. 6:22. w21.10 26 ¶10-11
Jumaah, 18 Agustus
Pas keur indit mah abdi boga sagala, ari balikna ku Yéhuwa dijieun balangsak.—Rut 1:21.
Bayangkeun kumaha parasaan Rut waktu ngadéngé kekecapan Naomi éta! Rut téh geus mantuan Naomi sabisa-bisa, geus ngahibur manéhna, geus ceurik babarengan, jeung geus leumpang babarengan salila sababaraha poé. Tapi Naomi téh ngomong, ”Ku Mantenna [abdi] disina nepi ka ngaligincing kieu.” Tina kekecapan éta, Naomi téh asa henteu ngahargaan usaha Rut nu geus terus maturan manéhna. Pék bayangkeun, sakumaha nyerina haté Rut waktu ngadéngé éta! Najan kitu, Rut teu pernah ninggalkeun Naomi. (Rut 1:3-18) Bisa jadi, omongan sadérék urang nu keur nalangsa téh meni nyelekit pisan, padahal urang geus mantuan manéhna sabisa-bisa. Ulah babari kasinggung. Urang bisa ngadoa ka Yéhuwa supaya urang bisa terus maturan jeung ngalilipur manéhna. (Sil. 17:17) Meureun, mimitina mah manéhna téh embungeun ditulungan, tapi lamun urang boga kaasih nu langgeng urang hayang terus maturan manéhna.—Gal. 6:2. w21.11 11 ¶17-19
Saptu, 19 Agustus
Aranjeun gé kudu suci dina sagala laku lampah aranjeun.—1 Pét. 1:15.
Dina Alkitab, kecap ”suci” atawa ”kasucian” biasana ngamaksudkeun bersih jeung murni dina moral jeung agama, tapi ieu gé bisa ngamaksudkeun dipisahkeun pikeun ngawula Allah. Jadi lamun urang hayang dianggap suci, urang téh kudu bersih dina moral, ngalayanan Yéhuwa ku cara nu dipikaresep ku Anjeunna, sarta perlu akrab jeung Anjeunna. Yéhuwa téh Pribadi nu paling suci, tapi Anjeunna daék jadi sobat urang nu teu sampurna. Urang pasti tajub pisan kana sipat Anjeunna. Yéhuwa téh suci jeung bersih dina sagalana. Urang bisa ngarti kana hal éta ti para Sérafim, nyaéta malaikat nu aya di deukeut tahta Yéhuwa. Maranéhna ngomong, ”Suci, suci, suci! Suci PANGERAN Nu Maha Kawasa!” (Yes. 6:3) Maranéhna bisa akrab jeung Allah nu suci téh ku lantaran maranéhna gé suci. w21.12 3 ¶4-5
Minggu, 20 Agustus
Terus perhatikeun bener-bener cara hirup aranjeun, kudu jadi jalma nu bijaksana, ulah jadi jalma nu teu bijaksana. Gunakeun waktu aranjeun sahadé-hadéna. —Éf. 5:15, 16.
Barudak ngora meureun sok mikirkeun, engké kahirupanana téh rék digunakeun keur naon. Meureun, guru-guru di sakola atawa kulawargana nu lain Saksi nitah manéhna pikeun kuliah, supaya engké bisa meunang pagawéan nu alus jeung ngumpulkeun loba duit. Sabenerna, kuliah téh bisa méakkeun loba waktu. Terus, ari kolot jeung babaturan di sidang mah meureun ngajurung manéhna pikeun ngagunakeun kahirupan keur ngawula Yéhuwa. Jadi, kumaha budak ngora nu nyaah ka Yéhuwa bisa nyieun putusan nu bijaksana? Manéhna bisa maca Éfésus 5:15-17 jeung ngalenyepanana. Sanggeus maca, budak ngora bisa mikirkeun: ’Naon ”kahayang Yéhuwa” téh? Pilihan naon nu bakal nyenangkeun Anjeunna? Kumaha abdi bisa ngagunakeun waktu sahadé-hadéna?’ Sing inget, ”jaman kiwari téh jahat”, sarta dunya nu dikawasaan ku Sétan téh geus téréh diancurkeun. w22.01 27 ¶5
Senén, 21 Agustus
Adi-adina mah teu boga iman ka manéhna.—Yah. 7:5.
Iraha mimiti Yakobus jadi muridna Isa? Sanggeus Isa dihirupkeun deui, ”manéhna manggihan Yakobus, tuluy manggihan sakabéh rasul”. (1 Kor. 15:7) Ti dinya, Yakobus mulai barobah. Manéhna gé hadir waktu para rasul keur ngarumpul di hiji loténg di Yérusalém. Di ditu maranéhna ngadagoan pikeun narima kawasa suci. (Kis. 1:13, 14) Terus ka dieunakeun, Yakobus jadi anggota badan pingpinan dina abad kahiji. (Kis. 15:6, 13-22; Gal. 2:9) Geus kitu, saacan taun 62 M, manéhna diilhamkeun pikeun nulis surat ka urang Kristen nu diistrénan. Surat éta masih aya mangpaatna keur urang ayeuna, teu sual urang boga harepan pikeun hirup di sorga atawa di bumi. (Yak. 1:1) Saurang ahli sajarah dina abad kahiji nu ngaranna Yosefus nyebutkeun yén Yakobus téh dihukum pati ku Imam Agung Ananias, putrana Hanas. Yakobus terus satia ka Yéhuwa nepi ka ahir hirupna di bumi. w22.01 9 ¶3, 5
Salasa, 22 Agustus
Allah abdi, Allah abdi, ku naon abdi bet ditinggalkeun? —Mat. 27:46.
Tina ayat ieu urang bisa diajar yén urang ulah ngarepkeun Yéhuwa bakal teterusan ngalindungan urang tina masalah anu nguji iman urang. Jiga Yésus baheula, urang gé kudu siap ngabuktikeun kasatiaan urang ka Yéhuwa. Malah mun nepi ka kudu maot gé, urang sakuduna siap. (Mat. 16:24, 25) Tapi urang bisa yakin, Yéhuwa moal ngantep urang meunang ujian anu teu bisa disanghareupan ku urang. (1 Kor. 10:13) Terus jiga Yésus, urang gé bisa waé dipikangéwa ku batur padahal urang teu salah nanaon. (1 Pet. 2:19, 20) Maranéhna jiga kitu téh lantaran urang lain bagian ti dunya jeung lantaran urang ngawartakeun bebeneran. (Yoh. 17:14; 1 Pet. 4:15, 16) Yésus paham ku naon Yéhuwa ngantep anjeunna sangsara. Tapi waktu meunang ujian, kadang aya umat Yéhuwa nu mikir kieu, ’Ku naon Yéhuwa ngantep abdi ngalaman hal jiga kieu?’ (Hab. 1:3) Najan aya nu mikir jiga kitu, Yéhuwa mah teu ambek. Yéhuwa welas asih sarta sabar, jadi Mantenna paham hamba-Na mikir kitu téh lain lantaran teu boga iman. Justru maranéhna kudu dikuatkeun ku Mantenna.—2 Kor. 1:3, 4. w21.04 11 ¶9-10
Rebo, 23 Agustus
Tampi paneda abdi lir dupa.—Jab. 141:2.
Yéhuwa bakal narima doa urang lamun eusina luyu jeung kahayang-Na sarta ditepikeun ku parasaan nyaah jeung hormat. Urang apal Yéhuwa téh layak disembah, ku kituna urang pasti hayang méré nu panghadéna ka Anjeunna. Salah sahiji cara urang nyembah Yéhuwa téh ku cara ngadoa. Kitab Suci nyaruakeun doa urang jiga dupa nu bener-bener disiapkeun pikeun disanggakeun di tabernakel, jeung ka dieunakeun di bait. Éta dupa téh nyenangkeun Allah. Kitu deui, doa urang nu tina haté téh ”kamanah” ku Allah, sanajan kekecapan urang téh saderhana. (Sil. 15:8; Pam. 33:10) Yéhuwa bungah waktu urang ngungkabkeun kanyaah sarta rasa sukur urang ka Anjeunna. Anjeunna hayang ngadéngékeun naon kahariwangan urang, harepan urang, jeung kahayang urang. Jadi saacan ngadoa ka Yéhuwa, urang bisa bener-bener mikirkeun heula naon nu hayang diucapkeun ku urang. Ku kituna, urang téh sarua jiga nyanggakeun ”dupa” nu panghadéna ka Bapa urang di sorga. w22.03 20 ¶2; 21 ¶7
Kemis, 24 Agustus
Aranjeun nu ngalaman sangsara bakal dibébaskeun bareng jeung urang-urang waktu Juragan Isa némbongkeun dirina ti sorga bareng jeung para malaikatna nu kuat.—2 Tés. 1:7.
Di Armagédon, lain urang nu mutuskeun saha nu bakal disalametkeun ku Yéhuwa. (Mat. 25:34, 41, 46) Urang bakal percaya henteu kana cara Yéhuwa ngahakiman? Atawa urang kalah ka jadi eureun ngawula Yéhuwa lantaran teu satuju kana putusana-Na? Jadi ti ayeuna urang kudu leuwih percaya ka Yéhuwa supaya engké di mangsa ka hareup urang bisa bener-bener percaya ka Anjeunna. Bayangkeun kumaha parasaan urang engké di dunya anyar. Moal aya deui agama palsu sarta moal aya jalma-jalma atawa sistim pulitik nu sarakah nu salila ieu geus nindes umat manusa. Moal aya deui nu gering, ngolotan, atawa ditinggal maot ku babaturan atawa kulawarga. Sétan jeung baladna bakal dikurung salila sarébu taun. Ku kituna, kasangsaraan nu disababkeun ku maranéhna bakal leungit. (Why. 20:2, 3) Engké urang bakal reueus lantaran geus percaya kana cara nu digunakeun ku Yéhuwa! w22.02 6-7 ¶16-17
Jumaah, 25 Agustus
Bagja jalma-jalma nu ngupayakeun karukunan.—Mat. 5:9.
Isa ngajaga supaya kaayaan tetep rukun jeung ngajurung batur ngalakukeun nu sarua. Manéhna ngajarkeun ka jalma-jalma pikeun ngupayakeun karukunan jeung dulur-dulur saimanna supaya ibadah maranéhna ditarima ku Yéhuwa. (Mat. 5:23, 24) Isa gé mangkali-kali ngingetan rasul-rasulna supaya teu paraséa ngaributkeun saha nu pangpunjulna. (Luk. 9:46-48; 22:24-27) Pikeun jadi jalma nu resep rukun, teu cukup ngan saukur ngajauhan hal-hal nu nyieun pipaséaeun. Tapi, urang kudu ngupayakeun karukunan sarta ngajurung dulur saiman pikeun ngalakukeun nu sarua. (Flp. 4:2, 3; Yak. 3:17, 18) Jadi, pék pikirkeun: ’Naha enya abdi daék nyieun pangorbanan ngarah bisa rukun jeung batur? Waktu aya dulur saiman nu nganyenyeri, abdi teterusan keuheul ka manéhna teu? Abdi ngan ngadagoan batur nu ngupayakeun karukunan, atawa abdi ti heula nu daék ngupayakeun karukunan sanajan abdi ngarasa manéhna nu salah?’ w22.03 10 ¶10-11
Saptu, 26 Agustus
Leuwih bagja méré tibatan nampa.—Kis. 20:35.
Baheula, Alkitab geus nyebutkeun yén umat Allah bakal ”maju sukarela” ngawula Yéhuwa jeung nuturkeun bingbingan Putra-Na. (Jab. 110:3) Nubuat éta téh bener-bener ngawujud dina jaman ayeuna. Unggal taun, umat Yéhuwa téh meni sumanget ngagunakeun jutaan jam pikeun kagiatan pangwawaran. Éta dilakukeun sacara sukaréla jeung ku biaya sorangan. Maranéhna gé daék ngagunakeun waktuna pikeun mantuan dulur-dulur saiman sacara jasmani, émosi, jeung rohani. Geus kitu, para kokolot jeung palayan sidang daék ngagunakeun waktuna pikeun nyiapkeun tugas-tugas di pasamoan jeung nganjangan dulur-dulur saiman. Ku naon umat Yéhuwa daék ngalakukeun éta kabéh? Lantaran maranéhna téh nyaah ka Yéhuwa jeung ka sasama. (Mat. 22:37-39) Isa méré tuladan dina miheulakeun kapentingan batur tibatan dirina sorangan. Jadi, urang hayang sabisa-bisa nuturkeun léngkahna. (Rm. 15:1-3) Mun urang ngalakukeunana, urang bakal ngarasakeun mangpaatna. w22.02 20 ¶1-2
Minggu, 27 Agustus
Ulah nunda kulian jelema anu buburuh, ulah dipeutingkeun nepi ka isukna.—Ima. 19:13.
Kalolobaan urang Israél téh digawéna di ladang, jadi unggal poéna maranéhna bakal dibayar sanggeus bérés digawé. Lamun teu dibayar poé éta kénéh, maranéhna moal bisa nyumponan pangabutuh kulawargana. Yéhuwa ngomong, ”Buruhanana kudu dibayar, sabab kacida dipikabutuhna jeung geus kaciptaeun bakal katarima.” (Pam. 24:14, 15; Mat. 20:8) Kiwari kalolobaan pagawé téh digajihna sabulan sakali atawa sabulan dua kali, teu unggal poé. Tapi prinsip dina Imamat 19:13 masih bisa dilarapkeun ayeuna. Aya sababaraha dunungan nu méré gajih leuwih saeutik ka pagawéna tibatan sakumaha mistina. Maranéhna nyaho éta pagawé jigana bakal terus digawé, sanajan gajihna ngan saeutik. Ku kituna, dunungan nu siga kitu téh nahan atawa ”nunda kulian jelema nu buburuh”. Urang Kristen kudu mastikeun yén maranéhna kudu adil ka pagawéna. w21.12 10 ¶9-10
Senén, 28 Agustus
Urang haus.—Yah. 19:28.
Yésus pasti halabhab pisan sanggeus dikaniaya sakitu hébatna. Jadi, anjeunna ménta nginum. Yésus teu éra ngungkabkeun parasaanana, da éta téh lain hartina anjeunna lemah. Urang gé kuduna kitu. Biasana, urang téh sok éra mun kudu ménta bantuan ka batur. Tapi mun urang bener-bener butuh, ulah asa-asa ménta tulung. Misalna, mun urang keur gering atawa geus sepuh, bisa jadi urang téh teu bisa indit sorangan ka pasar atawa ka dokter. Tah mun kitu, ulah asa-asa ménta anteur ka batur. Atawa lamun urang keur leutik haté, terus hayang nyarita, meureun urang perlu ménta tulung ka kokolot atawa dulur saiman. Maranéhna téh bisa ngalilipur urang supaya urang bungah deui. (Sil. 12:25) Ulah poho, dulur-dulur saiman téh nyaah ka urang. Maranéhna hayang nulungan urang waktu urang keur aya ”dina kasusah”. (Sil. 17:17) Tapi, maranéhna téh teu bisa maca pikiran urang. Maranéhna moal nyaho urang butuh bantuan lamun urangna henteu ngomong. w21.04 11-12 ¶11-12
Salasa, 29 Agustus
Lamun maneh babari leutik hate ku kasusahan, tetela hengkerna atuh.—Sil. 24:10.
Parobahan téh bisa jadi tangtangan keur urang. Aya sababaraha sadérék nu geus lila ngawula sabagé palayan sapinuh waktu husus, ayeuna dibéré tugas nu anyar. Aya ogé nu kudu ngaleupaskeun tugas nu dipikaresepna ku lantaran geus kolot. Wajar lamun urang ngarasa leutik haté. Urang bakal leuwih gampang nyanghareupan parobahan lamun mikirkeun pandangan Yéhuwa. Ayeuna téh Yéhuwa keur ngalakukeun loba hal. Urang gé dipercaya pikeun jadi batur gawé-Na. (1 Kor. 3:9) Kanyaah Yéhuwa ka urang moal barobah. Jadi mun aya parobahan dina organisasi-Na, ulah ngan musingkeun ku naon aya parobahan jiga kitu. Tibatan mikirkeun kaayaan ”baheula”, urang bisa ménta bantuan Yéhuwa pikeun mikirkeun hikmahna. (Pan. 7:10) Urang kudu tetep positif. Ku kituna, urang bisa terus bungah jeung satia sanajan kaayaan urang barobah. w22.03 17 ¶11-12
Rebo, 30 Agustus
Kami PANGERAN . . . Teguh kana jangji ka rebuan turunan.—Bud. 34:6, 7.
Ka saha Yéhuwa némbongkeun kaasih-Na nu langgeng? Kaasih-Na nu langgeng atawa satia asih-Na téh teu ditémbongkeun ka unggal jalma. Sipat éta ngan ditémbongkeun ka jalma-jalma nu nyobat jeung Anjeunna. Allah urang téh satia ka sobat-sobat-Na. Anjeunna nyiapkeun kahirupan nu bagja keur maranéhna, sarta Anjeunna gé moal eureun mikanyaah maranéhna. Yéhuwa téh némbongkeun kaasih-Na ka kabéh manusa. Isa gé pernah ngomong ka saurang lalaki nu ngaranna Nikodémus, ”Allah nyaah pisan ka dunya ieu nepi ka masrahkeun Putra hiji-hijina, supaya unggal jalma nu boga iman ka manéhna moal binasa tapi bisa meunangkeun hirup langgeng.”—Yah. 3:1, 16; Mat. 5:44, 45. w21.11 2 ¶3; 3 ¶6-7
Kemis, 31 Agustus
Lamun tabah, maranéh bakal tetep hirup.—Luk. 21:19.
Mémang, hirup di dunya ayeuna téh hésé. Tapi bisa jadi engké kahareupna kaayaan téh bakal leuwih beurat deui. (Mat. 24:21) Urang pasti ngadago-dago pisan waktu kabéh masalah leungit. Masalah-masalah téh bakal dipopohokeun jeung moal kajadian deui! (Yes. 65:16, 17) Jadi, ti ayeuna urang kudu diajar supaya bisa leuwih tabah. Ku naon? Ceuk Yésus, ”Lamun maraneh tabah tangtu baris rahayu.” (Luk. 21:19) Loba dulur saiman nu tetep tabah najan boga masalah jiga urang. Mun mikirkeun katabahan maranéhna, urang bakal leuwih tabah. Saha tuladan panghadéna dina hal katabahan? Allah Yéhuwa. Meureun kadéngéna anéh. Tapi, pék pikirkeun katabahan Yéhuwa. Dunya ieu téh jadi pinuh ku kajahatan lantaran dikawasaan ku si Iblis. Sabenerna, mun hayang mah Yéhuwa bisa ngancurkeun dunya ieu iraha waé. Tapi Mantenna henteu kitu. Yéhuwa tabah jeung sabar ngadagoan nepi ka waktu nu geus ditangtukeun.—Rum 9:22. w21.07 8 ¶2-4