PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es23 kaca 88-97
  • Séptémber

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Séptémber
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2023
  • Subjudul
  • Jumaah, 1 Séptémber
  • Saptu, 2 Séptémber
  • Minggu, 3 Séptémber
  • Senén, 4 Séptémber
  • Salasa, 5 Séptémber
  • Rebo, 6 Séptémber
  • Kemis, 7 Séptémber
  • Jumaah, 8 Séptémber
  • Saptu, 9 Séptémber
  • Minggu, 10 Séptémber
  • Senén, 11 Séptémber
  • Salasa, 12 Séptémber
  • Rebo, 13 Séptémber
  • Kemis, 14 Séptémber
  • Jumaah, 15 Séptémber
  • Saptu, 16 Séptémber
  • Minggu, 17 Séptémber
  • Senén, 18 Séptémber
  • Salasa, 19 Séptémber
  • Rebo, 20 Séptémber
  • Kemis, 21 Séptémber
  • Jumaah, 22 Séptémber
  • Saptu, 23 Séptémber
  • Minggu, 24 Séptémber
  • Senén, 25 Séptémber
  • Salasa, 26 Séptémber
  • Rebo, 27 Séptémber
  • Kemis, 28 Séptémber
  • Jumaah, 29 Séptémber
  • Saptu, 30 Séptémber
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2023
es23 kaca 88-97

Séptémber

Jumaah, 1 Séptémber

Maranéhna ménta tanda ti sorga ka Isa.​—Mat. 16:1.

Sababaraha jalma dina jaman Yésus ngarasa teu puas ngan saukur ngadéngé pangajaran Yésus anu luar biasa. Tapi, waktu Yésus embung nyieun kaajaiban, maranéhna kalah ka teu percaya Yésus téh Mésias. (Mat. 16:4) Naon nu geus diramalkeun dina Kitab Suci? Nabi Yésaya pernah nulis kieu ngeunaan Mésias, ”Anjeunna moal huak-haok garawak-garowok, moal pidato di jalan-jalan.” (Yes. 42:1, 2) Yésus ngajalankeun palayananana ku cara nu basajan. Anjeunna teu ngawangun imah-imah ibadah, teu maké baju kaagamaan anu istiméwa, sarta embung dibéré gelar-gelar kahormatan jiga para pamingpin agama. Waktu Yésus diadilan, Raja Hérodés ménta anjeunna nyieun mujijat. Tapi, Yésus nolak paméntana sanajan nyawana kaancam. (Luk. 23:8-11) Mémang, Yésus pernah nyieun sababaraha mujijat, tapi lain éta tujuan utama Yésus datang ka bumi. Keur anjeunna, nu pangutamana téh nyaéta ngawawarkeun warta hadé. Yésus pernah ngomong ka murid-muridna, ”Sabab kitu tujuan Kami datang teh.”​—Mar. 1:38. w21.05 4 ¶9-10

Saptu, 2 Séptémber

Sangkan bisa hirup langgeng, maranéhna kudu wanoh ka Bapa, Allah sajati nu ngan hiji, jeung ka utusan Bapa, Isa Al-Masih.​—Yah. 17:3.

Urang téh néangan jalma-jalma ”anu boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng”. (Ras. 13:48, NW) Supaya maranéhna bisa jadi murid, urang kudu mantuan maranéhna pikeun (1) ngarti, (2) percaya, jeung (3) ngajalankeun naon anu geus diajarkeun tina Alkitab. (Kol. 2:6, 7; 1 Tes. 2:13) Kabéh anggota sidang bisa mantuan palajar Alkitab. Maranéhna bisa nunjukkeun kanyaah jeung nyambut palajar anu datang ka pasamoan. (Yoh. 13:35) Saurang guru Alkitab bisa jadi kudu nyadiakeun loba waktu jeung tanaga pikeun mantuan palajarna miceun kapercayaan jeung kabiasaan anu geus nanceb kuat ibarat ”benteng-benteng”. (2 Kor. 10:4, 5) Bisa jadi, butuh mangbulan-bulan pikeun mantuan palajar nyieun parobahan jiga kitu jeung dibaptis. Tapi, upaya urang moal cumah. w21.07 3 ¶6

Minggu, 3 Séptémber

Sagala hal téh kudu dipastikeun bener henteuna, nu hadé cekel sing pageuh.​—1 Tés. 5:21.

Na urang bener-bener percaya nu diajarkeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa téh bebeneran? Na ngan cara ibadah maranéhna nu ditarima ku Allah? Rasul Paulus téh boga kayakinan anu pengkuh kana bebeneran. (1 Tés. 1:5) Manéhna bisa yakin téh lain ku lantaran resep kana pangajaranana, tapi manéhna téh getol diajar Firman Allah. Manéhna percaya yén ”sakabéh eusi Kitab Suci téh diilhamkeun ku Allah”. (2 Tim. 3:16) Manéhna diajar naon waé tina Kitab Suci? Manéhna apal yén Isa téh Mésias anu dijangjikeun, sanajan loba pamingpin agama Yahudi harita teu percaya kana pangajaran ieu. Para pamingpin éta ngakuna mah ngajarkeun bebeneran, tapi ari kalakuanana téh dipikageuleuh ku Allah. (Tit. 1:16) Teu jiga para pamingpin Yahudi, Paulus mah teu milih-milih pangajaran naon waé nu bakal manéhna percaya. Manéhna siap nuturkeun jeung ngajarkeun ”sakabéh kahayang Allah”.​—Kis. 20:27. w21.10 18 ¶1-2

Senén, 4 Séptémber

Moal aya nu bisa datang ka urang lamun teu ditarik ku Bapa nu ngutus urang.​—Yah. 6:44.

Urang kudu inget, tugas urang téh melak jeung nyiram, tapi anu ngajadikeunana mah Allah. (1 Kor. 3:6, 7) Keur Yéhuwa mah, kahirupan unggal jalma téh penting. Mantenna méré urang kahormatan pikeun digawé bareng jeung Putra-Na sarta ngumpulkeun jalma-jalma ti sagala bangsa saacan dunya ieu diancurkeun. (Hag. 2:7) Pangwawaran urang téh jiga pagawéan nyalametkeun kahirupan batur. Urang jiga tim SAR anu dikirim pikeun nyalametkeun jalma-jalma tina kapal anu tilelep. Meureun anu bisa ditulungan ku tim SAR téh ngan saeutik. Terus, henteu kabéh anggota tim SAR bisa nyalametkeun jalma. Tapi, nu dilakukeun ku kabéh anggota tim téh penting pisan. Pangwawaran gé jiga kitu. Urang teu apal sabaraha loba jalma anu bisa disalametkeun ti dunya Sétan. Tapi, urang kabéh bisa digunakeun ku Yéhuwa pikeun nulungan jalma-jalma. Andreas nu cicing di Bolivia ngomong, ”Mun aya nu diajar Alkitab nepi ka dibaptis, ceuk abdi mah éta lain hasil usaha sorangan, tapi usaha babarengan.” Mugia urang terus sumanget dina dines. Ku kituna, Yéhuwa bakal ngaberkahan urang. Terus, dines gé bakal jadi sumber kabungah urang. w21.05 19 ¶19-20

Salasa, 5 Séptémber

Leupas tina jiret Iblis.​—2 Tim. 2:26.

Tukang moro téh hayang néwak atawa maéhan sato anu diborona. Manéhna ngagunakeun rupa-rupa jiret. Alkitab nyebutkeun sababaraha jiretna. (Ayub 18:8-10) Naon nu dilakukeun ku tukang moro supaya bisa néwak sato? Manéhna merhatikeun heula satona, ka mana satona indit, naon nu dipikaresep ku éta sato, jeung naon jiret anu paling matih. Nah, Sétan téh jiga tukang moro. Manéhna merhatikeun urang, ka mana urang indit, jeung naon nu dipikaresep ku urang. Terus, Sétan ngagunakeun jiret anu teu disangka-sangka ku urang! Tapi, Alkitab méré nyaho, saupama urang kajiret ku Sétan, urang masih bisa ngaleupaskeun diri. Alkitab gé méré nyaho kumaha carana supaya urang teu kajiret. Sétan boga loba jiret nu matih pisan, dua di antarana téh nyaéta sipat sombong jeung sarakah. Salila rébuan taun, dua sipat ieu geus nyababkeun loba jalma kajiret. Sétan téh jiga tukang néwak manuk, manéhna mikat mangsana ngarah kajiret ku jaringna. (Yer. 5:26) Tapi, urang bisa lolos tina jiretna. Ku naon? Sabab Yéhuwa geus méré nyaho cara naon waé anu digunakeun ku Sétan pikeun ngajiret jalma-jalma.​—2 Kor. 2:11. w21.06 14 ¶1-2

Rebo, 6 Séptémber

Umur panjang jadi ganjaran ka jalma anu temen nya lampah, ari huis minangka makuta mulya.​—Sil. 16:31.

Sadérék sepuh nu satia téh éndah pisan. Firman Allah nyaruakeun huis maranéhna jiga makuta. (Sil. 20:29) Tapi, urang bisa jadi teu engeuh sakumaha éndah maranéhna. Lamun sadérék nu ngora bisa ningali sakumaha éndah sadérék nu sepuh, maranéhna bisa meunangkeun hal-hal nu nilaina leuwih luhur tibatan harta banda. Yéhuwa téh ngahargaan pisan sadérék-sadérék sepuh nu terus satia. Anjeunna gé apal pisan jiga kumaha maranéhna jeung ngahargaan sipat-sipat alus maranéhna. Anjeunna resep lamun ningali nu sepuh nyarita ka nu ngora ngeunaan palayananana salila ieu. Maranéhna téh geus meunang loba hikmat. (Ayub 12:12, 13; Sil. 1:1-4) Yéhuwa téh bener-bener ngahargaan kasatiaan maranéhna. (Mal. 3:16) Nya pasti dina kahirupanana, maranéhna gé boga masalah. Tapi, maranéhna tetep boga iman nu kuat ka Yéhuwa. Ayeuna gé harepan maranéhna ngeunaan mangsa ka hareup téh jadi leuwih nyata tibatan pas mimiti diajar bebeneran. Salian ti éta, Yéhuwa mikanyaah maranéhna ku sabab ”nepi ka kolotna ge” maranéhna tetep nguarkeun nami Yéhuwa.​—Jab. 92:13-16. w21.09 2 ¶2-3

Kemis, 7 Séptémber

Masing-masing kudu mariksa lampahna sorangan. Ku kituna, manéhna bakal ngarasa bungah lantaran naon nu dilakukeunana.​—Gal. 6:4.

Alus mun urang sering mariksa niat haté urang. Urang bisa mariksa: ’Na abdi resep ngabanding-bandingkeun diri jeung batur? Mun ngalakukeun hiji hal, na abdi ngalakukeunana pédah hayang jadi nu panghadéna jeung hayang katingali leuwih hébat tibatan batur? Atawa na abdi ngalakukeunana lantaran hayang nyenangkeun Yéhuwa?’ Alkitab méré naséhat supaya urang ulah sok ngabanding-bandingkeun diri jeung batur. Ku naon? Mun sok ngabanding-bandingkeun diri jeung batur, bisa waé urang jadi leutik haté lantaran ngarasa batur leuwih hadé tibatan urang, atawa bisa waé urang jadi sombong lantaran ngarasa leuwih hadé tibatan batur. (Rum 12:3) Sing inget, Yéhuwa narik Sadérék ka Mantenna téh lain lantaran Sadérék geulis, pinter ngomong, atawa kasohor. Yéhuwa narik Sadérék lantaran Sadérék daék nyaah ka Mantenna jeung ngadéngékeun Putra-Na.​—Yoh. 6:44; 1 Kor. 1:26-31. w21.07 14-15 ¶3-4

Jumaah, 8 Séptémber

Cara pikir aranjeun kudu terus dianyarkeun.—Éf. 4:23.

Pikeun ngaganti hate jeung pikiran urang, urang kudu ngadoa, diajar Firman Allah, sarta ngalenyepanana. Pék terus lakukeun hal-hal éta sarta ménta kakuatan ka Yéhuwa. Engké, roh suci-Na bakal ngabantu Sadérék supaya henteu ngabanding-bandingkeun deui diri Sadérék jeung batur. Terus, mun dina haté Sadérék aya sipat sirik jeung sombong, Yéhuwa bakal ngabantu Sadérék sadar kana hal éta. Mantenna gé bakal mantuan Sadérék pikeun langsung miceun sipat-sipat goréng éta. (2 Bab. 6:29, 30) Yéhuwa bisa ningali haté urang. Mantenna apal, urang bener-bener bajoang ngalawan pangaruh goréng ti dunya ieu sarta ngalawan kalemahan urang sorangan. Waktu ningali urang bener-bener bajoang, Yéhuwa jadi beuki nyaah ka urang. Yéhuwa ngagambarkeun kanyaah-Na ka urang jiga saurang indung ka orokna. (Yes. 49:15) Yéhuwa gé nyaah ka urang lantaran Mantenna ningali, urang geus bener-bener upaya pikeun nyenangkeun Mantenna! Mun mikirkeun hal éta, haté urang jadi tengtrem. w21.07 24-25 ¶17-19

Saptu, 9 Séptémber

Kudu milu bungah ka nu bungah.​—Rm. 12:15.

Urang bisa leuwih bungah dina palayanan lamun bener-bener ngajalankeun tugas ti Yéhuwa. Sing getol dina dines jeung sabisa-bisa ngajalankeun tugas di sidang. (Ras. 18:5; Ibr. 10:24, 25) Saacan masamoan, siapkeun bahanna supaya bisa méré koméntar nu nguatkeun. Mun meunang tugas dina pasamoan tengah minggu, kudu persiapan bener-bener. Atawa mun dipénta ngalakukeun hiji tugas di sidang, urang kudu tanggung jawab jeung ulah ngaengké-engké. Ulah nganggap tugasna téh teu penting jeung miceunan waktu. Pék upaya supaya leuwih tarampil dina ngalakukeun tugas éta. (Sil. 22:29) Lamun urang bener-bener digawé keur Yéhuwa, urang bakal jadi sobat-Na jeung bungah pisan. (Gal. 6:4) Urang gé bakal milu bungah lamun batur narima tugas nu dipikahayang ku urang.​—Gal. 5:26. w21.08 22 ¶11

Minggu, 10 Séptémber

Kabijaksanaan nu asalna ti sorga mah mimitina ngalantarankeun saurang jalma jadi murni, tuluy resep rukun, daék ngéléhan, daék nurut, karunyaan pisan, loba nyieun kahadéan, teu beurat sabeulah, jeung teu munapék.​—Yak. 3:17.

Urang ulah sombong jeung kudu daék diajar ku Yéhuwa. Aya hiji panyakit nu nyieun artéri dina jantung téh jadi heuras sarta ngaganggu fungsi jantung. Kitu gé jeung sipat sombong, éta bisa nyababkeun urang jadi teuas haté sarta ngahalangan urang pikeun nuturkeun bingbingan ti Yéhuwa. Éta nu kaalaman ku urang Farisi. Lantaran teuas haté, maranéhna embung ngakukeun yén Isa téh Putra Allah nu dibéré kawasa suci, padahal geus jelas aya buktina. (Yah. 12:37-40) Sikep éta téh bahaya pisan sabab bisa ngahalangan maranéhna pikeun meunangkeun hirup langgeng. (Mat. 23:13, 33) Jadi, urang kudu daék nuturkeun bingbingan ti kawasa suci sarta Firman Allah. Ku kituna, urang bisa ngarobah sikep jeung cara pikir sarta nyieun putusan nu hadé! Yakobus mah rendah haté, jadi manéhna daék diajar ku Yéhuwa. Yakobus gé bisa jadi guru nu tarampil lantaran manéhna rendah haté. w22.01 10 ¶7

Senén, 11 Séptémber

Tong eureun ménta.​—Mat. 7:7.

Mun urang nuturkeun naséhat ti Yésus jeung terus ngadoa, urang bisa yakin Bapa urang nu di sawarga bakal ngadéngékeun jeung ngajawab doa-doa urang. (Kol. 4:2) Meureun, aya doa-doa urang anu katingalina can dijawab-jawab kénéh. Tapi Yéhuwa jangji, Mantenna pasti bakal ngajawab doa urang ”samangsa urang perlu”, maksudna téh nyaéta dina waktu anu cocog. (Ibr. 4:16) Jadi, lamun aya doa-doa urang anu nepi ka ayeuna can dijawab kénéh, ulah nyalahkeun Yéhuwa. Misalna, loba jalma geus mangtaun-taun ngadoa supaya Karajaan Allah geura datang pikeun ngabinasakeun dunya anu jahat ieu. Yésus gé méré naséhat ka urang pikeun ngadoakeun hal éta. (Mat. 6:10) Tapi, tangtu lebar pisan pan lamun aya anu jadi kaleungitan iman gara-gara ahir dunya can datang-datang kénéh, sakumaha anu diarep-arep ku manéhna! (Hab. 2:3, Mat. 24:44) Urang kudu terus sabar ngadagoan Yéhuwa bari ngadoa sarta percaya ka Mantenna. Ahir dunya ieu téh moal telat datangna sabab Yéhuwa geus nangtukeun ”iraha poena, iraha jamna”. Éta téh pasti waktu anu pangcocogna.​—Mat. 24:36; 2 Pet. 3:15. w21.08 10 ¶10-11

Salasa, 12 Séptémber

Kudu rendah haté, nganggap batur leuwih unggul tibatan aranjeun.​—Flp. 2:3.

Sadérék sepuh nu rendah haté téh sadar maranéhna teu bisa ngalakukeun loba hal jiga baheula. Contona, para pangawas wilayah. Waktu maranéhna geus umur 70, maranéhna bakal meunangkeun tugas séjén. Ieu téh tangtu teu gampang, ku lantaran maranéhna resep pisan bisa jadi pangawas wilayah nu ngawula sadérék-sadérék. Tapi maranéhna ngarti, tugas ieu téh leuwih cocog diteruskeun ku nu leuwih ngora. Maranéhna nyonto urang Léwi dina jaman bangsa Israél baheula. Urang Léwi nu umurna geus 50 taun kudu eureun digawé di tabernakel. Sanajan geus kolot, maranéhna bisa tetep bungah teu sual tugas naon waé nu digawékeun. Maranéhna ngalakukeun sabisa-bisana pikeun ngabantu nu leuwih ngora. (Bil. 8:25, 26) Kiwari, para pangawas wilayah anu geus umur 70 taun geus teu bisa deui nganjangan sidang-sidang. Tapi maranéhna bakal ditugaskeun di hiji sidang, jadi maranéhna bisa mantuan jeung nguatkeun sidang maranéhna. w21.09 8-9 ¶3-4

Rebo, 13 Séptémber

Bapa, abdi geus dosa ka Allah jeung ka Bapa. Abdi geus teu pantes diaku anak.​—Luk. 15:21.

Isa nyaritakeun ibarat anu nguatkeun haté anu dicatet di Lukas 15:11-32. Ibaratna téh ngeunaan anak nu leungit nu ngalawan bapana terus indit ”ka nagri nu jauh”. Di ditu manéhna hirup bejad jeung hirup sakarep-karep. Tapi pas kaayaanana hésé, manéhna jadi bener-bener mikirkeun kasalahanana. Manéhna sadar, hirupna téh leuwih ngeunah basa hirup jeung bapana. Ahirna, manéhna balik deui ka imah bapana jeung ménta dihampura. Isa nyebutkeun budak bungsu éta téh ahirna ”éling”. Mémang alus manéhna téh sadar. Manéhna kudu nyieun tindakan! Anak nu leungit ieu téh nunjukkeun manéhna geus bener-bener tobat. Ibarat ieu téh teu ngan saukur carita nu nguatkeun haté hungkul. Tapi ibarat ieu bisa ngabantu para kokolot pikeun ningali na saurang jalma nu nyieun dosa sérius téh geus bener-bener tobat atawa henteu. w21.10 5 ¶14-15

Kemis, 14 Séptémber

Kami rek ngoyagkeun langit jeung bumi, daratan.​—Hag. 2:6.

Naon nu moal oyag jeung bakal tetep aya? Rasul Paulus nulis, ”Lantaran urang bakal narima Pamaréntahan nu teu bisa oyag, mugia urang terus . . . ngajalankeun palayanan suci nu dipikaresep ku Allah, dibarengan ku rasa hormat jeung tajub.” (Ibr. 12:28) Jadi, sanggeus Allah bérés ngoyagkeun kabéhanana, ngan Pamaréntahan Allah nu bakal ngadeg salalanggengna! (Jab. 110:5, 6; Dan. 2:44) Ayeuna waktuna téh geus beuki singget! Jalma-jalma kudu mutuskeun: Rék terus ngadukung dunya ieu tapi engké bakal dimusnakeun, atawa rék ngalalayanan Yéhuwa jeung ngarobah cara hirupna engké bisa meunang hirup langgeng. (Ibr. 12:25) Urang bisa mantuan jalma-jalma pikeun mutuskeun hal ieu ku cara terus nguarkeun warta hadé. Mugia urang gé terus inget ka kekecapan Juragan Isa, ”Warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah bakal diuarkeun ka sakuliah dunya supaya kadéngé ku kabéh bangsa, geus kitu kakara ahir éta datang.”​—Mat. 24:14. w21.09 19 ¶18-20

Jumaah, 15 Séptémber

Manéh moal ditinggalkeun ku Kuring, jeung moal diantep ku Kuring.​—Ibr. 13:5.

Kokolot, Sadérék téh boga tugas penting pikeun ngalilipur sadérék-sadérék nu kulawargana dipecat. (1 Tés. 5:14) Ajak ngobrol sarta kuatkeun maranéhna saacan jeung sanggeus pasamoan. Sadérék bisa datang ka imahna jeung ngadoa bareng. Ajak maranéhna dines atawa miluan ibadah kulawarga sadérék. Sabagé pangangon, para kokolot téh kudu némbongkeun sikep lemah lembut jeung kanyaah ka domba-domba Yéhuwa nu keur sedih. (1 Tés. 2:7, 8) Yéhuwa ”teu hayang saurang-saurang acan dibinasakeun, tapi hayang kabéhanana tobat.” (2 Pét. 3:9) Sanajan saurang jalma nyieun dosa sérius, manéhna masih dipikanyaah ku Allah. Pikirkeun naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa. Anjeunna nepi ka ngorbankeun putra nu dipikanyaah pikeun nebus dosa unggal jalma. Yéhuwa terus sabar jeung mantuan jalma-jalma supaya baralik deui ka Anjeunna. Siga ibarat Isa ngeunaan anak nu leungit, Yéhuwa hayang maranéhna balik deui.​—Luk. 15:11-32. w21.09 30-31 ¶17-19

Saptu, 16 Séptémber

Maranéh meunang hasil nu alus tina pagawéan batur.​—Yah. 4:38.

Kumaha lamun Sadérék teu bisa sering-sering dines ku sabab boga masalah kaséhatan? Ulah leutik haté, Sadérék téh bisa tetep bungah. Coba pikirkeun waktu Raja Daud jeung para prajuritna rék nyalametkeun kulawarga maranéhna ti urang Amalék. Aya 200 prajurit nu geus teu karuateun pikeun milu perang. Jadi maranéhna ngan narungguan barang-barang. Sanggeus Daud jeung prajuritna ngéléhkeun musuh-musuhna, Daud nitah hasil jarahanana dibagi rata keur kabéh prajurit. (1 Sam. 30:21-25) Ieu téh sarua siga dines palayanan urang. Jadi lamun Sadérék geus ngalakukeun nu panghadéna, Sadérék bakal sarua bungahna waktu ningali aya hiji jalma diajar ngeunaan Yéhuwa jeung ahirna dibaptis. Nu ditingali ku Yéhuwa téh usaha urang dina palayanan jeung kanyaah urang ka Anjeunna. Ku kituna, Yéhuwa pasti ngaberkahan urang. Anjeunna gé méré nyaho yén urang téh bisa tetep bungah lamun ngalakukeun nu panghadéna dina panén rohani ieu. (Yah. 14:12) Sing yakin, urang téh nyenangkeun Yéhuwa lamun urang teu nyerah! w21.10 28 ¶15-17

Minggu, 17 Séptémber

Ka barudak ngora katarik teh ku kakuatanana.​—Sil. 20:29.

Waktu urang ngolotan, bisa jadi urang hariwang lantaran teu bisa ngalakukeun loba hal keur Yéhuwa jiga baheula. Sanajan geus teu kuat jiga baheula, urang masih bisa kénéh ngabagikeun pangalaman jeung hikmat ka nu leuwih ngora. Urang bisa mantuan maranéhna supaya leuwih siap pikeun digunakeun ku organisasi Yéhuwa jeung narima leuwih loba tanggung jawab. Sadérék nu sepuh téh perlu rendah haté lamun hayang mantuan sadérék nu leuwih ngora. Jalma nu rendah haté nganggap batur téh leuwih unggul tibatan manéhna sorangan. (Flp. 2:3, 4) Sadérék sepuh nu rendah haté téh ngarti yén aya loba cara pikeun ngalakukeun hiji tugas, nu penting mah sajalan jeung prinsip-prinsip Alkitab. Maranéhna teu ngarep cara batur ngalakukeun hiji hal téh kudu sarua siga cara maranéhna baheula. (Pan. 7:10) Sadérék nu sepuh bisa ngabagikeun pangalamanana ka anu leuwih ngora. Tapi maranéhna apal ”panggung dunya ieu keur barobah”, bisa jadi ayeuna malah maranéhna nu kudu diajar hal-hal anu anyar.​—1 Kor. 7:31. w21.09 8 ¶1, 3

Senén, 18 Séptémber

Nun PANGERAN, batara mana anu sapertos Gusti? Saha nu tiasa nandingan ka Gusti, anu pikahelokeun bawaning ku suci?​—Bud. 15:11.

Yéhuwa moal pernah ménta umat-Na pikeun ngalakukeun hal nu pikageuleuheun. Anjeunna téh suci dina sagalana. Supaya urang Israél inget kana hal ieu, dina sorbanna imam agung aya pelat emas nu diukiran: ”Suci kangge PANGERAN.” (Bud. 28:36-38) Jadi lamun ningali tulisan ieu, urang Israél bakal yakin yén Yéhuwa téh bener-bener suci. Tapi, kumaha mun maranéhna teu bisa deukeut-deukeut jeung imam agung sarta teu bisa ningali tulisan ieu? Na maranéhna jadi teu nyaho yén Yéhuwa téh suci? Maranéhna pasti nyaho, ku sabab kabéh urang Israél pernah ngadéngé hal ieu ti Hukum nu dibacakeun ka lalaki, awéwé, jeung barudak. (Pam. 31:9-12) Lamun Sadérék aya di ditu, pasti Sadérék pernah ngadéngé kekecapan ieu, ”Kami PANGERAN Allah maraneh teh suci . . . jadi maraneh oge kudu suci.” ”Maraneh kudu mulus kalakuan, . . . sabab Kami teh PANGERAN, sarta Kami teh suci.”​—Ima. 11:44, 45; 20:7, 26. w21.12 3 ¶6-7

Salasa, 19 Séptémber

Ulah hariwang teuing.​—Luk. 12:29.

Bisa jadi aya sababaraha jalma anu hariwang kana pangabutuhna. Aya ogé nu cicing di nagri nu miskin, jadi maranéhna hésé néangan pagawéan jeung hésé nyumponan pangabutuh kulawargana. Aya ogé kulawarga nu teu bisa nyumponan pangabutuhna lantaran jalma nu biasana néangan napkah téh maot. Tibatan hariwang teuing kana masalah urang, urang kudu percaya ka Yéhuwa. Sing inget yén Yéhuwa, Bapa urang nu nyaahan, jangji bakal ngurus pangabutuh urang lamun urang ngutamakeun hal-hal rohani. (Mat. 6:32, 33) Anjeunna gé geus kabukti terus ngalaksanakeun jangji-Na ieu. (Pam. 8:4, 15, 16; Jab. 37:25) Lamun manuk jeung kembang waé diurus ku Yéhuwa, komo deui urang. Urang teu kudu hariwang kana dahareun jeung papakéan urang. (Mat. 6:26-30; Flp. 4:6, 7) Kolot nu nyaahan pasti bakal sabisa-bisana nyumponan pangabutuh barudakna. Kitu ogé jeung Bapa urang nu di sorga, lantaran nyaah, Anjeunna pasti bakal ngurus pangabutuh umat-Na. w21.12 17 ¶4-5; 18 ¶8

Rebo, 20 Séptémber

Tapi Yusup ditangtayungan ku PANGERAN.​—Kaj. 39:21.

Na Sadérék pernah dinyenyeri ku batur atawa dulur saiman? Tingali conto Yusup nu dijahatan ku lanceuk-lanceukna. Yusup sabar bari terus ngutamakeun palayananana ka Yéhuwa. Hasilna, Yéhuwa ngaberkahan manéhna. Yusup jadi bisa ngahampura jalma-jalma anu geus nganyenyeri haté manéhna sarta sadar yén Yéhuwa téh geus ngaberkahan manéhna. (Kaj. 45:5) Jiga Yusup, urang bisa tengtrem lamun ngadeukeut ka Yéhuwa jeung masrahkeun masalah urang ka Mantenna. (Jab. 7:18; 73:28) Lamun Sadérék ngalaman kateuadilan atawa pernah dinyenyeri ku batur, Sadérék kudu inget yén Yéhuwa téh raket ”ka jalma nu remuk hate”. (Jab. 34:19) Mantenna bungah lamun Sadérék sabar jeung masrahkeun kasusah ka Mantenna. (Jab. 55:23) Mantenna téh Hakim sakuliah bumi nu ningali sakabéh hal. (1 Pet. 3:12) Mun Sadérék keur nyanghareupan kasusah jeung ngarasa euweuh jalan kaluarna, na Sadérék daék sabar ngadagoan Mantenna nyieun tindakan? w21.08 11 ¶14; 12 ¶16

Kemis, 21 Séptémber

Aranjeun kudu terus paham naon kahayang Yéhuwa.—Éf. 5:17.

Urang hayang bijaksana dina ngagunakeun kahirupan urang pikeun nyenangkeun Yéhuwa. Tetepkeun naon nu pangutamana dina kahirupan. Supaya bisa ngagunakeun waktu sahadé-hadéna, kadang urang kudu milih di antara dua hal nu sabenerna teu salah. Hayu urang perhatikeun kisah basa Isa nganjangan Maryam jeung Marta. Marta atoh pisan waktu Isa datang. Manéhna langsung nyiapkeun loba dahareun. Tapi, Maryam mah ngadéprok di deukeut suku Juraganna bari terus ngadéngékeun pangajaranana. Nu dilakukeun ku Marta téh teu salah, tapi Isa ngomong yén Maryam mah ”geus milih anu hadé”. (Luk. 10:38-42) Lila-lila, Maryam bisa waé poho kana naon nu didahar harita, tapi manéhna pasti moal poho kana naon nu geus diajarkeun ku Isa. Siga Maryam nu resep ngagunakeun waktuna bareng jeung Isa, urang gé resep ngagunakeun waktu urang keur Yéhuwa. w22.01 27 ¶5-6

Jumaah, 22 Séptémber

Nyaho maneh, Ahab geus kacida ngarendahkeun dirina di payuneun Kami?​—1 Rja. 21:29.

Sanajan Ahab ngarendahkeun dirina di hareupeun Yéhuwa, tapi kalakuanana nyirikeun manéhna henteu bener-bener tobat. Ahab teu nyingkirkeun ibadah ka Baal dina pamaréntahanana. Manéhna gé teu ngajurung rahayatna pikeun ibadah deui ka Yéhuwa. Sanggeus Ahab maot, Yéhuwa méré nyaho kumaha parasaana-Na. Nabi Yéhu méré nyaho mun Ahab téh ”jahat”. (2 Bab. 19:1, 2) Pék pikirkeun: Lamun Ahab bener-bener tobat, pasti nabi éta moal ngomong yén Ahab téh jalma jahat nu mikageuleuh ka Yéhuwa. Jadi Ahab téh mémang ngarasa kaduhung, tapi teu bener-bener tobat. Urang bisa diajar naon tina kisah Ahab? Waktu Élia méré nyaho yén Ahab jeung kulawargana bakal dihukum, Ahab langsung ngarendahkeun dirina. Éta téh hal nu alus. Tapi sanggeusna, kalakuan Ahab teu nyirikeun manéhna téh bener-bener tobat. Lamun urang bener-bener tobat, teu cukup ngan saukur ngomong urang téh ngarasa kaduhung. w21.10 3 ¶4-5, 7-8

Saptu, 23 Séptémber

Warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah bakal diuarkeun.​—Mat. 24:14.

Yésaya téh saurang nabi. Katingalina, pamajikanana gé boga tugas nu sarua. Matakna, manéhna disebut ”nabiah”. (Yes. 8:1-4, NW) Yésaya jeung pamajikanana ngutamakeun ibadah ka Yéhuwa dina kahirupanana. Kiwari, salaki pamajikan ogé bisa diajar ti Nabi Yésaya jeung pamajikanana ku cara ngalakukeun sabisa-bisa dina palayanan. Maranéhna bisa leuwih ngandel ka Yéhuwa ku cara diajar babarengan ngeunaan nubuat Alkitab sarta ningali sorangan yén kabéh nu diucapkeun Yéhuwa téh pasti ngawujud. (Tit. 1:2) Maranéhna bisa mikirkeun kumaha carana supaya maranéhna bisa ngabantu ngawujudkeun nubuat Alkitab. Misalna, maranéhna bisa boga andil dina nubuatna Isa ngeunaan warta hadé nu bakal diuarkeun ka sakuliah dunya saacan ahir éta datang. Lamun maranéhna yakin nubuat Alkitab téh bakal geura ngawujud, pasti tékad maranéhna pikeun ngalakukeun sabisa-bisana keur Yéhuwa bakal beuki kuat. w21.11 16 ¶9-10

Minggu, 24 Séptémber

Terus Isa ngomong ka murid éta, ”Ieu indung manéh!”​—Yah. 19:27.

Yésus mikirkeun, engké indungna kumaha? Harita, indungna katingalina geus jadi randa. Ku kituna, Yésus nitipkeun Mariam ka Yohanes. Yésus percaya, Yohanes bakal ngurus kabutuhan rohani indungna. Ti saprak harita, Mariam nganggap Yohanes sabagé anakna sorangan. Yohanes gé ngurus Mariam jiga ka indungna sorangan. Jelas, Yésus téh nyaah pisan ka Mariam, wanita nu geus ngurus anjeunna ti barang lahir nepi ka téréh maot! Urang diajar naon tina omongan Yésus? Hubungan urang jeung dulur-dulur saiman bisa leuwih kuat tibatan hubungan jeung kulawarga jasmani. Meureun urang dimusuhan atawa teu diaku deui ku anggota kulawarga urang. Tapi Yésus jangji, lamun urang terus satia ka Yéhuwa jeung organisasi-Na, urang bakal narima gantina ”saratus kalieun”. (Mar. 10:29, 30) Loba dulur saiman anu nyaah ka urang jeung bisa dianggap sabagé anak, indung, atawa bapa sorangan. Kumaha parasaan Sadérék jadi bagian tina kulawarga rohani anu ngahiji ku lantaran boga iman sarta nyaah ka Yéhuwa jeung sasama?​—Kol. 3:14; 1 Pet. 2:17. w21.04 9-11 ¶7-8

Senén, 25 Séptémber

Ulah poho nyieun kahadéan jeung babagi ka batur.​—Ibr. 13:16.

Kaasih nu langgeng ngagerakkeun urang pikeun méré bantuan nu leuwih ti nu dipiharep. Dina jaman baheula jeung jaman kiwari, sadérék-sadérék urang méré bantuan ka dulur-dulur saimanna sanajan teu silih kenal. Misalna, waktu aya musibat alam, maranéhna langsung néangan cara supaya bisa mantuan dulur-dulur nu keuna musibat. Waktu di sidang aya sadérék anu boga masalah ékonomi, maranéhna geura mantuan jeung nanyakeun naon nu dibutuhkeun ku sadérék éta. Jiga urang Makédonia dina abad kahiji, maranéhna téh méré bantuan leuwih ti nu dipiharep. Waktu aya dulur saiman nu keuna kasusah, maranéhna téh ”méré sakamampuhna, malah leuwih ti kitu.” (2 Kor. 8:3) Para kokolot merhatikeun aya sadérék-sadérék nu mantuan dulur saimanna, para kokolot bisa muji maranéhna. Lamun kokolot méré pujian nu iklas jeung ngucapkeunana dina waktu nu cocog, éta bisa ngabantu sadérék-sadérék supaya tetep teger jeung teu nyerah.​—Yes. 32:1, 2. w21.11 11 ¶14; 12 ¶21

Salasa, 26 Séptémber

Regepkeun . . . pituturna jalma-jalma bijaksana.​—Sil. 22:17.

Urang kabéh téh pasti perlu naséhat ti batur. Bisa jadi, urangna sorangan nu ménta naséhat ka jalma nu dihormat ku urang. Meureun, aya ogé sadérék nu méré naséhat ka urang lantaran hariwang bisi urang ”salah léngkah” jeung engkéna kaduhung. (Gal. 6:1) Bisa ogé, aya batur nu negor lantaran urang geus nyieun kasalahan sérius. Teu sual kumaha urang meunang naséhat, urang sakuduna daék ngadéngékeun naséhat nu dibéré ka urang. Da éta téh mangpaatna keur urang kénéh jeung bisa nyalametkeun hirup urang! (Sil. 6:23) Ayat poé ieu ngajurung urang pikeun ’ngaregepkeun pituturna jalma-jalma bijaksana’. Euweuh jalma nu apal sagalana, pasti aya wéh nu boga leuwih loba pangaweruh atawa pangalaman tibatan urang. (Sil. 12:15) Lamun urang daék ngadéngékeun naséhat, éta téh hartina urang rendah haté. Éta gé nyirikeun urang téh sadar kana kasanggupan sorangan jeung urang téh sadar yén urang butuh bantuan ti batur pikeun ngawujudkeun tujuan urang. Raja Sulaéman nu bijaksana nulis, ”Kudu getol tatanya heula tangtu hasil nya maksud.”​—Sil. 15:22. w22.02 8 ¶1-2

Rebo, 27 Séptémber

Nu ngabunian dosa, moal jamuga hirupna. Lamun ngaku kana dosana sarta tuluy tobat, tangtu ku Allah dipikawelas.​—Sil. 28:13.

Jalma nu bener-bener tobat téh teu ngan saukur ngarasa kaduhung hungkul. Tapi manéhna geus ngarobah cara pikirna, parasaanana, jeung kalakuanana. Manéhna ogé kudu eureun ngalakukeun hal nu salah sarta balik deui nuturkeun patokan hirup ti Yéhuwa. (Yeh. 33:14-16) Terus nu pangpentingna, manéhna kudu mulihkeun deui hubunganana jeung Yéhuwa. Jadi, naon nu kudu urang lakukeun lamun aya sobat urang nu nyieun dosa sérius? Urang moal nutup-nutupan dosana lantaran éta bisa ngabahayakeun manéhna. Éta gé euweuh gunana lantaran Yéhuwa mah nyaho sagalana. (Sil. 5:21, 22) Sadérék bisa ngingetan sobat Sadérék yén para kokolot hayang mantuan manéhna. Lamun manéhna embung ngakukeun dosana, Sadérék nu kudu ngalaporkeunana. Éta nunjukkeun Sadérék téh hayang mantuan manéhna. w21.10 6-7 ¶19-21

Kemis, 28 Séptémber

Tong mikirkeun kapentingan diri sorangan baé, tapi pikirkeun ogé kapentingan batur.​—Flp. 2:4.

Urang kabéh gé bisa nyonto Isa nu daék miheulakeun batur tibatan dirina sorangan. Alkitab nyebutkeun, Isa téh ”jadi saperti palayan”. (Flp. 2:7) Saurang palayan atawa hamba téh pasti bakal sabisa-bisa nyenangkeun dununganana. Kitu gé urang, urang téh hambana Yéhuwa jeung urang gé ngalalayanan sadérék-sadérék séjén. Jadi, urang hayang sabisa-bisa digunakeun ku Yéhuwa jeung ngalalayanan sadérék-sadérék urang. Pék pikirkeun: ’Abdi daék teu ngorbankeun waktu jeung tanaga pikeun mantuan batur? Abdi daék teu ngarélakeun diri pikeun mersihan gedong kongrés atawa ngarawat Balé Karajaan?’ Meureun Sadérék ningali aya sababaraha sikep Sadérék nu perlu dirobah, tapi Sadérék teu pati boga niat pikeun ngarobahna. Mun kitu, pék enya-enya ngadoa ka Yéhuwa. Sing jujur caritakeun parasaan Sadérék jeung pénta bantuan Anjeunna supaya méré ’kahayang jeung kakuatan pikeun ngalakukeunana’.​—Flp. 2:13. w22.02 22-23 ¶9-11

Jumaah, 29 Séptémber

Ku urang bakal dikuatkeun.​—Mat. 11:28.

Sanajan dina kaayaan nu hésé, Isa tetep bageur jeung asup akal. (Mat. 11:29, 30) Misalna, pas awéwé ti Fénisia ménta Isa nyageurkeun anakna, mimitina Isa embung nuturkeun paméntana. Tapi waktu manéhna némbongkeun iman nu kuat, Isa jadi daék nyageurkeun anakna. (Mat. 15:22-28) Isa téh bageur, tapi manéhna teu nahan diri pikeun méré naséhat. Malah, kadang Isa gé negor jalma-jalma nu dipikanyaah ku manéhna. Misalna, waktu Pétrus ngahalang-halang Isa pikeun ngalakukeun kahayang Yéhuwa, Isa negor manéhna di hareupeun murid-murid nu séjén. (Mar. 8:22, 23) Isa kitu téh lain rék nyieun Pétrus éra, tapi manéhna hayang ngajar Pétrus jeung murid-murid séjén supaya teu lancang. Nya, harita pasti Pétrus téh éra. Tapi liwat disiplin éta, pasti Pétrus meunangkeun mangpaatna. Mun urang bener-bener bageur ka batur, urang gé sakapeung perlu méré naséhat ka maranéhna. Waktu méré naséhat, pék tuturkeun Isa nu méré naséhat tina prinsip Firman Allah. w22.03 11 ¶12-13

Saptu, 30 Séptémber

Hayu urang terus nyanggakeun korban pujian ka Allah, nyaéta ngagunakeun biwir urang pikeun nguarkeun ngaran Anjeunna ka jalma-jalma.​—Ibr. 13:15.

Ngamulyakeun Yéhuwa téh bagian tina ibadah urang. (Jab. 34:2) Urang bisa ngamulyakeun Yéhuwa ku cara nyaritakeun sipat-sipat sarta pagawéana-Na nu luar biasa ka batur. Supaya bisa ngamulyakeun Yéhuwa, urang kudu boga rasa sukur. Lamun urang nyadiakeun waktu pikeun mikirkeun kahadéan Yéhuwa sarta naon nu geus dilakukeun ku Anjeunna keur urang, pasti aya loba alesan pikeun ngamulyakeun Anjeunna. Dina kagiatan pangwawaran, urang bisa ”nyanggakeun korban pujian ka Allah, nyaéta ngagunakeun biwir urang”. Saacan ngadoa, urang téh kudu bener-bener mikirkeun naon nu rék diucapkeun. Kitu ogé saacan ngawawar, urang kudu bener-bener mikirkeun naon nu rék diucapkeun. Urang hayang nyanggakeun ”korban pujian” nu panghadéna ka Allah, éta sababna urang sumanget ngawawar ka batur. w22.03 21 ¶8

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun