PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es23 kaca 98-108
  • Oktober

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Oktober
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2023
  • Subjudul
  • Minggu, 1 Oktober
  • Senén, 2 Oktober
  • Salasa, 3 Oktober
  • Rebo, 4 Oktober
  • Kemis, 5 Oktober
  • Jumaah, 6 Oktober
  • Saptu, 7 Oktober
  • Minggu, 8 Oktober
  • Senén, 9 Oktober
  • Salasa, 10 Oktober
  • Rebo, 11 Oktober
  • Kemis, 12 Oktober
  • Jumaah, 13 Oktober
  • Saptu, 14 Oktober
  • Minggu, 15 Oktober
  • Senén, 16 Oktober
  • Salasa, 17 Oktober
  • Rebo, 18 Oktober
  • Kemis, 19 Oktober
  • Jumaah, 20 Oktober
  • Saptu, 21 Oktober
  • Minggu, 22 Oktober
  • Senén, 23 Oktober
  • Salasa, 24 Oktober
  • Rebo, 25 Oktober
  • Kemis, 26 Oktober
  • Jumaah, 27 Oktober
  • Saptu, 28 Oktober
  • Minggu, 29 Oktober
  • Senén, 30 Oktober
  • Salasa, 31 Oktober
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2023
es23 kaca 98-108

Oktober

Minggu, 1 Oktober

Bagja jalma nu teu cangcaya ka urang.​—Mat. 11:6.

Kabéh anu diajarkeun jeung dipercaya ku urang téh dasarna tina Alkitab. Najan kitu, masih loba kénéh nu embung ngadéngékeun warta urang, sabab maranéhna mikir cara ibadah urang téh biasa-biasa waé. Terus, nu diajarkeun ku urang téh henteu sajalan jeung kahayang maranéhna. Kumaha supaya iman urang tetep kuat? Rasul Paulus ngomong ka urang Kristen di Rum, ”Percaya kana eta warta teh kudu ngadenge heula wartana, ari wartana katarimana ti jelema-jelema anu ngawawarkeun hal Kristus.” (Rum 10:17) Jadi, kumaha supaya iman urang bisa kuat? Urang kudu bener-bener diajar Alkitab, lainna datang ka perayaan-perayaan anu teu sajalan jeung Alkitab, sanajan perayaanana katingalina pikaresepeun pisan. Iman urang kudu dumasar kana pamahaman anu bener. Mun teu boga iman mah, urang moal bisa nyenangkeun Allah. (Ibr. 11:1, 6) Urang teu kudu ningali kaajaiban heula pikeun ngabuktikeun bebeneran. Sakuduna diajar Alkitab téh geus cukup. w21.05 4-5 ¶11-12

Senén, 2 Oktober

Nu kaalaman ku kuring téh malah ngabantu warta hadé beuki nyebar.​—Flp. 1:12.

Rasul Paulus téh boga loba masalah. Misalna, manéhna pernah diteunggeulan, dibalédogan ku batu, jeung dibui. (2 Kor. 11:23-25) Harita, pasti manéhna butuh kakuatan ti Yéhuwa. Manéhna gé ngaku, kadang manéhna kudu bajoang ngalawan parasaan leutik haté. (Rum 7:18, 19, 24) Salian ti éta, manéhna téh boga ”kanyeri dina awak” nu ibarat cucuk. Manéhna nepi ka sababaraha kali ménta supaya Yéhuwa ngaleungitkeunana. (2 Kor. 12:7, 8) Waktu Paulus boga loba masalah, Yéhuwa nguatkeun Paulus supaya manéhna bisa terus ngajalankeun palayananana. Perhatikeun naon hasilna. Misalna, waktu jadi tahanan imah di Rum, Paulus terus ngawawar ka loba jalma, kaasup ka para pamingpin agama Yahudi jeung para pajabat. (Ras. 28:17; Pil. 4:21, 22) Manéhna gé ngawawar ka para pangawal karaton jeung ka saha waé nu ngadatangan manéhna. (Ras. 28:30, 31; Pil. 1:13) Terus, harita Paulus dibéré ilham ku Allah pikeun nulis surat-surat nu nguatkeun dulur-dulur saimanna. Surat-suratna gé masih nguatkeun urang ayeuna. w21.05 21 ¶4-5

Salasa, 3 Oktober

”Ulah ngaleuwihan hal-hal nu geus ditulis.” Ku kituna, aranjeun moal gedé hulu.​—1 Kor. 4:6.

Lantaran sombong, Raja Usia ti Yuda embung ngadéngékeun naséhat jeung jadi lancang. Sabenerna mah, manéhna téh geus ngalakukeun loba hal anu hébat. Usia unggul dina loba perang, ngawangun loba kota, jeung boga loba lahan pertanian. Manéhna ”ku Allah diberkahan”. (2 Bab. 26:3-7, 10) Tapi ceuk Alkitab, ”Sanggeusna jadi tohaga, Raja Usia jadi takabur, ngalantarankeun anjeunna cilaka.” Yéhuwa geus méré nyaho, anu bisa ngukus dupa di bait téh ngan para imam hungkul. Tapi, Raja Usia lancang. Manéhna kalah ka wawanianan ngukus dupa di bait. Yéhuwa teu resep jeung ngahukum manéhna ku panyakit lépra. (2 Bab. 26:16-21) Na urang gé bisa jadi sombong jeung ngalakukeun dosa jiga Raja Usia? Bisa, lamun urang mikirkeun teuing diri sorangan. Jadi urang kudu inget, kabéh pangabisa jeung tanggung jawab urang di sidang téh asalna ti Yéhuwa. (1 Kor. 4:6, 7) Mun urang sombong mah, Yéhuwa moal ngagunakeun urang deui. w21.06 16 ¶7-8

Rebo, 4 Oktober

Ulah atoh lantaran roh-roh jahat nurut ka maranéh, kudu atoh téh lantaran ngaran maranéh geus ditulis di sorga.​—Luk. 10:20.

Isa apal pangwawaran murid-muridna téh moal teterusan mawa hasil anu alus. Geus kitu urang gé teu apal, sanggeus jalma-jalma ngadéngé warta ti murid-murid Isa, aya sabaraha loba nu jadi urang Kristen. Jadi, maranéhna kudu inget yén kabungah maranéhna téh lain ku lantaran aya loba jalma nu ngadéngékeun warta maranéhna, tapi ku lantaran pagawéan maranéhna téh nyenangkeun Yéhuwa. Lamun urang teu nyerah dina palayanan, urang bakal meunangkeun hirup langgeng. Waktu urang sabisa-bisana ngawawar jeung ngajarkeun bebeneran, urang gé ’melak jeung hayang nuturkeun bingbingan kawasa suci’ dina kahirupan urang. Jadi lamun urang ”teu nyerah” atawa ”teu capé”, Yéhuwa jangji urang bakal ngala hirup langgeng, sanajan can aya jelema nu dibantu ku urang nepi ka dibaptis.​—Gal. 6:7-9. w21.10 26 ¶8-9

Kemis, 5 Oktober

Manéhna karunyaeun . . . Jadi, ku Isa maranéhna diajarkeun loba hal.​—Mar. 6:34.

Hiji waktu, Yésus jeung murid-muridna kacapéan lantaran geus ngawawar sapoéeun. Maranéhna hayang istirahat. Tapi, aya gorombolan jalma nu nyampeurkeun maranéhna. Lantaran karunya, Yésus ngajarkeun ”rupa-rupa hal”. Yésus apal kumaha parasaan jalma-jalma éta. Maranéhna téh meni nalangsa sarta butuh harepan, jadi Yésus hayang mantuan maranéhna. Jalma-jalma dina jaman ayeuna gé sarua. Katingalina mah bagja, tapi sabenerna maranéhna boga loba masalah jeung butuh harepan. Maranéhna téh ibarat domba anu nyasab jeung teu boga pangangon. Rasul Paulus nyebutkeun jalma-jalma éta téh teu kenal ka Allah jeung teu boga harepan. (Epe. 2:12) Mun urang mikirkeun kaayaan rohani maranéhna, urang bakal kajurung pikeun mantuan maranéhna, lantaran urang nyaah jeung karunya ka maranéhna. Cara panghadéna pikeun mantuan maranéhna téh nyaéta ku ngajarkeun Alkitab. w21.07 5 ¶8

Jumaah, 6 Oktober

Ulah ngarasa diri hébat, . . . ulah pasirik-sirik.​—Gal. 5:26.

Jalma nu ngarasa diri hébat biasana sombong jeung sok mentingkeun dirina sorangan. Jalma nu sirikan teu ngan saukur hayang ngapimilik hal-hal anu dipiboga ku batur, tapi manéhna gé hayang batur kaleungitan hal-hal nu dipibogana. Jadi, mun urang sirik ka batur, sabenerna urang téh ngéwa ka manéhna. Ngarasa diri hébat jeung sirikan téh bisa diibaratkeun jiga kokotor anu aya dina bahan bakar pesawat. Meureun, mimitina mah pesawat téh bisa ngapung. Tapi, lila-lila pipah bahan bakarna bakal mengpet, terus pesawatna bakal ragrag! Nah kitu ogé, saurang jalma meureun mimitina ngawula Yéhuwa. Tapi mun manéhna ngarasa diri hébat jeung sirikan, manéhna bisa ”ancur”. (Sil. 16:18) Maksudna, manéhna bisa eureun ngawula Yéhuwa sarta nganyenyeri dirina sorangan jeung batur. Supaya urang teu ngarasa diri hébat, urang kudu ngalarapkeun naséhat Paulus, ”Dina ngalampahkeun naon bae ulah ku karana kapentingan pribadi, ulah kajurung ku hayang kapuji. Sabalikna sing silih hormatan, batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan.”​—Pil. 2:3. w21.07 15-16 ¶6-8

Saptu, 7 Oktober

Warta hadé nu diuarkeun ku urang-urang ka aranjeun téh lain ngan saukur kekecapan, tapi ogé dibarengan ku pangaruh nu kuat, kawasa suci, jeung kayakinan nu pengkuh.​—1 Tés. 1:5.

Sababaraha jalma ngarasa kuduna mah agama nu bener téh bisa ngajawab sakabéh pananya, sanajan teu bisa dijawab ku Alkitab. Na éta téh bener? Hayu urang tingali conto Rasul Paulus. Manéhna ngajurung dulur-dulur saimanna yén ”sagala hal téh kudu dipastikeun bener henteuna”. (1 Tés. 5:21) Najan kitu, Paulus ngaku aya loba hal nu can dipikaharti. Paulus ngomong, ”Pangaweruh urang teu lengkep . . . nu ditingali ku urang téh samar-samar kawas ningali kana eunteung logam.” (1 Kor. 13:9, 12) Mémang Paulus teu bisa ngarti kana sagala hal, urang gé kitu. Tapi Paulus ngarti kana pangajaran dasar ngeunaan Yéhuwa. Éta téh cukup keur manéhna pikeun yakin nu dipercaya ku manéhna téh bebeneran. Salah sahiji cara pikeun mastikeun na urang téh geus manggihan bebeneran atawa acan, nyaéta ku ngabandingkeun cara ibadah nu diajarkeun ku Isa jeung cara ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa kiwari. w21.10 18-19 ¶2-4

Minggu, 8 Oktober

Eureun-eureun sanggeus umur lima puluh taun.​—Bil. 8:25.

Sadérék nu sepuh bisa mantuan batur, teu sual Sadérék téh palayan sapinuh waktu atawa lain. Kumaha carana? Sadérék bisa nyaluyukeun diri jeung kaayaan nu anyar, tetepkeun tujuan nu anyar, jeung pikirkeun naon nu bisa dilakukeun tibatan mikirkeun naon nu teu bisa dilakukeun. Raja Daud téh hayang pisan ngabangun bait keur Yéhuwa. Tapi ceuk Yéhuwa bait téh bakal dibangun ku Sulaéman nu ngora kénéh. Najan kitu, Daud tetep ngadukung putusan Yéhuwa jeung proyék éta sabisa-bisana. (1 Bab. 17:4; 22:5) Mémang Sulaéman téh ”ngora keneh jeung tacan rea pangalaman”. (1 Bab. 29:1) Tapi Daud teu ngarasa manéhna sorangan nu leuwih cocog pikeun ngagawékeun proyék éta. Daud nyaho nu pangpentingna téh bantuan ti Yéhuwa, lain umur atawa pangalaman ti jalma nu mingpin proyék éta. Sarua jiga Daud, para sadérék nu sepuh gé tetep ngalakukeun sabisa-bisana keur Yéhuwa sanajan tugasna barobah. Maranéhna yakin Yéhuwa gé bakal ngaberkahan sadérék-sadérék ngora nu neruskeun tugas maranéhna. w21.09 9 ¶4; 10 ¶5, 8

Senén, 9 Oktober

Nu rarendah hate ku Mantenna dituyun kana jalan bener, diwulang sina terang kana pangersa-Na.​—Jab. 25:9.

Mun boga cita-cita rohani, kahirupan urang jadi aya tujuan. Tapi, urang kudu netepkeun cita-cita dumasar kana pangabisa jeung kaayaan urang. Cita-cita urang teu kudu sarua jeung cita-cita batur. Mun urang maksakeun hayang boga cita-cita anu sarua jiga batur, engkéna urang bisa kuciwa jeung leutik haté. (Luk. 14:28) Sabagé hamba Yéhuwa, Sadérék téh penting dina kulawarga Yéhuwa. Euweuh jalma séjén nu percis jiga Sadérék. Yéhuwa narik Sadérék lain lantaran Sadérék leuwih hadé tibatan batur, tapi lantaran Yéhuwa ningali haté Sadérék. Yéhuwa apal, Sadérék téh jalma nu rendah haté, daék diajar, jeung daék barobah. Sing yakin, Yéhuwa ngahargaan upaya Sadérék pikeun sabisa-bisa méré nu panghadéna dina palayanan. Sadérék geus satia jeung tabah. Éta bukti Sadérék boga ”hate anu mulus jeung satuhu”. (Luk. 8:15) Jadi, pék terus béré nu panghadéna keur Yéhuwa sakamampuh Sadérék. Ku kituna, Sadérék bakal atoh ku kamajuan rohani Sadérék sorangan.​—Gal. 6:4. w21.07 24 ¶15; 25 ¶20

Salasa, 10 Oktober

Anu bisa mawa anu ingkar ka nu bener deui, eta teh nyalametkeun jelema nu tas ingkar.​—Yak. 5:20.

Urang kudu sabar waktu aya kateuadilan. Misalna, waktu para kokolot apal di sidang téh aya nu ngalakukeun dosa gedé, maranéhna langsung ngadoa ménta ”kabijaksanaan nu ti sawarga” supaya apal kumaha pandangan Yéhuwa kana masalah éta. (Yak. 3:17) Maranéhna hayang ngabantu jalma éta, supaya mun bisa mah balik ”ka nu bener deui”. (Yak. 5:19, 20) Maranéhna ogé ngupayakeun sabisa-bisa pikeun ngalindungan sidang jeung ngalilipur sadérék-sadérék anu dinyenyeri ku jalma éta. (2 Kor. 1:3, 4) Waktu para kokolot rék ngurus masalahna, maranéhna mariksa heula kumaha kaayaan anu sabenerna. Tangtu ieu téh ngabutuhkeun loba waktu. Terus maranéhna ngadoa, méré naséhat tina Kitab Suci, sarta méré disiplin anu cocog. (Yer. 30:11) Para kokolot teu rurusuhan waktu nyieun putusan. Lamun masalahna diurus luyu jeung pituduh Yéhuwa, kabéh anggota sidang bakal ngarasakeun berkahna. w21.08 11 ¶12-13

Rebo, 11 Oktober

Ka mana baé Ema indit, abdi rék ngiring . . . Bangsa Ema nya bangsa abdi. Allah Ema nya Allah abdi.​—Rut 1:16.

Baheula basa aya kalaparan di Israél, Naomi, salakina, jeung dua putrana pindah ka Moab. Tapi ka dieunakeun, salakina téh maot. Terus, dua putrana nu geus nikah jeung urang Moab gé maot. (Rut 1:3-5) Musibat-musibat ieu nyababkeun Naomi leutik haté nepi ka putus asa. Saking sedihna, Naomi nepi ka mikir yén manéhna téh geus ditinggalkeun ku Yéhuwa. Perhatikeun kumaha parasaan Naomi tina kekecapanana. Ceuk manéhna, ”Ema mah jelema anu geus dibuang ku PANGERAN.” ”Hirup teh ku Allah Nu Maha Kawasa disina pinuh ku papait.” Terus, ”Ku PANGERAN Nu Maha Kawasa geus dikeunaan hukuman, disina balangsak.” (Rut 1:13, 20, 21) Yéhuwa ngarti yén ”jalma bijaksana bisa jadi teu éling lamun ditindes”. (Pan. 7:7, NW) Yéhuwa ngagerakkeun Rut pikeun némbongkeun kaasih nu langgeng ka Naomi. Rut réla jeung sabar ngabantu mitohana supaya émosi jeung karohanianana bisa pulih deui. w21.11 9 ¶9; 10 ¶10, 13

Kemis, 12 Oktober

Pék terus pénta kabijaksanaan ka Allah.​—Yak. 1:5.

Mun urang geus méré nu panghadéna keur Yéhuwa, na urang masih kudu upaya pikeun ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan? Enya. Urang kudu terus netepkeun cita-cita rohani. Mun boga cita-cita rohani, urang bisa jadi pawarta jeung guru anu leuwih tarampil. Urang gé bisa leuwih kajurung pikeun ngabantu dulur saiman. Urang bisa ngahontal cita-cita éta mun urangna henteu mentingkeun diri jeung daék mikirkeun batur. (Sil. 11:2; Ras. 20:35) Cita-cita rohani naon nu bisa Sadérék tetepkeun? Pék pénta kabijaksanaan ti Yéhuwa supaya Sadérék nyaho cita-cita rohani naon nu bisa dihontal ku Sadérék. (Sil. 16:3) Sadérék bisa nyoba pikeun ngahontal cita-cita rohani jiga panaratas ékstra atawa panaratas biasa, ngawula di Bétel, atawa jadi rélawan pangwangunan. Sadérék gé bisa diajar basa anyar supaya bisa ngawula di daérah séjén nu ngagunakeun basa éta. w21.08 23 ¶14-15

Jumaah, 13 Oktober

PANGERAN . . . asih-Na langgeng.​—Jab. 136:1.

Keur Yéhuwa mah kaasih nu langgeng téh penting pisan. (Mika 7:18) Anjeunna hayang urang ogé nganggap penting sipat ieu. Tapi saacanna, urang kudu ngarti heula naon kaasih nu langgeng téh. Naon kaasih nu langgeng téh? Dina sababaraha tarjamahan Alkitab, kecap ’kaasih nu langgeng’ téh ditarjamahkeun jadi ”satia asih”, ”kaasih”, ”kanyaah”, ”kawelas”, ”karunyaan”, ”satia”, jeung ”bageur”. Jadi lamun aya ayat dina artikel ieu jeung dina artikel saterusna nu ngagunakeun kecap-kecap éta, éta téh hartina sarua jeung ’kaasih nu langgeng’. Tapi, jiga kumaha jalma nu boga sipat ieu? Jalma nu boga sipat ieu bakal terus nyaah jeung terus satia ka batur. Sipat ieu téh biasana ditémbongkeun ku Yéhuwa ka manusa. Tapi, sipat ieu gé bisa ditémbongkeun ku manusa ka sasamana. Yéhuwa téh conto nu panghadéna dina némbongkeun sipat ieu. Raja Daud gé tajub pisan kana sipat ieu. Manéhna ngajelaskeun, ”Nun PANGERAN, satia asih Gusti sundul ka langit. . . . Satia asih Gusti mulya luhur, nun Allah! Kalangkang jangjang Gusti, ngiuhan abdi sadaya.” (Jab. 36:6, 8) Siga Daud, kumaha urang bisa ngahargaan kaasihna Allah nu langgeng? w21.11 2 ¶1-2; 3 ¶4

Saptu, 14 Oktober

Kieu carana ngadoa, ”Bapa nu di sorga, mugia nami Bapa disucikeun.”​—Mat. 6:9.

Kulawarga Yéhuwa téh kaasup Isa ”nu mimiti diciptakeun” jeung para malaikat nu loba pisan. (Kol. 1:15; Jab. 103:20) Waktu Isa aya di bumi, manéhna nunjukkeun manusa nu satia bisa nganggap Yéhuwa sabagé saurang Bapa. Buktina Isa pernah ngomong ka para muridna yén Yéhuwa téh ”Bapa urang jeung Bapa maranéh”. (Yah. 20:17) Urang téh jadi anggota kulawarga Yéhuwa anu silih pikanyaah waktu ngabaktikeun diri jeung dibaptis. (Mar. 10:29, 30) Yéhuwa téh Bapa nu nyaahan pisan. Isa ogé hayang urang nganggap Yéhuwa jiga saurang kolot nu bageur jeung nyaah ka budakna. Anjeunna téh bisa dideukeutan iraha waé, lain jiga pribadi nu luhur teuing, nu hésé dideukeutan. Isa ngamimitian doana ku nyebut, ”Bapa.” Sabenerna Isa bisa waé nyebut Yéhuwa sabagé ”Nu Maha Kawasa”, ”Nu ngajadikeun”, atawa ”Raja nu abadi”. (Kaj. 49:25; Yes. 40:28; 1 Tim. 1:17) Tapi, Isa ngajarkeun urang supaya nyebut Yéhuwa sabagé ”Bapa”. w21.09 20 ¶1, 3

Minggu, 15 Oktober

[Manasyé] yakin yen PANGERAN teh Allah.​—2 Bab. 33:13.

Raja Manasyé embung ngadéngékeun paringetan ti nabi-nabi nu diutus ku Yéhuwa. Ku kituna, ”Yuda teh ku PANGERAN diantep dirugrug ku balad Asur. Menase ku musuh dicerek make kakait tuluy dirante, jeung diboyong ka Babul.” Di nagri asing éta manéhna dijebloskeun ka panjara. Katingalina, di ditu manéhna jadi bener-bener mikirkeun naon nu geus dilakukeunana. Ahirna, manéhna ”ngarendahkeun salira sarta tobat ka PANGERAN Allahna”. Malahan mah, Manasyé gé ”sasambat” jeung ”mundut pitulung” ka Yéhuwa. (2 Bab. 33:10-12) Ahirna, Yéhuwa ngajawab doa-doa Manasyé. Tina doa-doana, Yéhuwa bisa ningali yén Manasyé téh geus bener-bener barobah. Jadi, Yéhuwa daék ngahampura Manasyé jeung ngangkat deui manéhna jadi raja. Manasyé ngabuktikeun yén manéhna téh bener-bener tobat. w21.10 4 ¶10-11

Senén, 16 Oktober

Digawe duaan leuwih hade ti batan sorangan, leuwih babari hasil.​—Pan. 4:9.

Akuila jeung Priskila téh kudu ninggalkeun imahna, kudu néangan tempat tinggal di daérah nu anyar, sarta kudu ngamimitian deui usaha nyieun kémahna. Di tempat anyarna di Korintus, Akuila jeung Priskila mantuan sidang di ditu. Maranéhna gé mantuan Rasul Paulus pikeun nguatkeun dulur-dulur saiman di ditu. Teu lila, maranéhna ogé pindah ka kota séjén nu leuwih ngabutuhkeun pawarta. (Kis. 18:18-21; Rm. 16:3-5) Maranéhna duaan pasti sibuk pisan jeung bagja hirupna! Kiwari, para pasangan gé bisa nyonto Priskila jeung Akuila ku cara ngutamakeun Pamaréntahan Allah. Saacan nikah, para pasangan perlu ngobrolkeun heula ngeunaan cita-cita rohani nu rék diudag. Lamun pasangan netepkeun sarta ngudag cita-cita rohani babarengan, maranéhna bakal boga leuwih loba kasempetan pikeun ningali kumaha Yéhuwa nulungan maranéhna.​—Pan. 4:12. w21.11 17 ¶11-12

Salasa, 17 Oktober

Masing hormat ka indung bapa . . . Kami PANGERAN Allah maraneh.​—Ima. 19:3.

Paréntah Allah pikeun hormat ka indung bapa téh paréntah nu penting pisan. Sing inget ogé paréntah pikeun hormat ka indung bapa nu aya dina Imamat 19:3 téh disebutkeun percis sanggeus paréntah ”Kudu beresih lampah. Sabab kami PANGERAN Allah maraneh, suci.” (Ima. 19:2) Waktu mikirkeun paréntah Yéhuwa pikeun hormat ka indung bapa, meureun Sadérék jadi mikir, ’Na urang téh geus nuturkeun paréntah ieu?’ Lamun Sadérék ngarasa baheula can bener-bener nuturkeunana, ayeuna Sadérék bisa ngupayakeunana. Kajadian nu geus liwat mah geus teu bisa dirobah deui. Tapi ti ayeuna, Sadérék bisa leuwih loba mantuan sarta nyadiakeun waktu keur indung bapa. Salian ti éta, Sadérék ogé bisa nyadiakeun pangabutuh jasmani, rohani, jeung émosina. Lamun Sadérék ngalakukeunana, Sadérék téh nuturkeun paréntah nu aya dina Imamat 19:3. w21.12 4-5 ¶10-12

Rebo, 18 Oktober

Tong sok ngahakiman batur.​—Mat. 7:1.

Raja Daud nyieun dosa sérius. Misalna, Daud jinah jeung Batséba, tuluy maéhan salaki Batséba. (2 Sam. 11:2-4, 14, 15, 24) Akibatna, manéhna jeung kulawargana téh jadi sangsara, kaasup pamajikanana nu séjén. (2 Sam. 12:10, 11) Dina hiji waktu, Daud pernah teu ngandelkeun Yéhuwa. Manéhna ngayakeun sénsus keur prajurit Israél, padahal Yéhuwa teu nitah manéhna. Naon akibatna? Kurang leuwih 70.000 urang Israél tiwas ku panyakit! (2 Sam. 24:1-4, 10-15) Na Sadérék mikir manéhna téh teu pantes dihampura ku Yéhuwa? Yéhuwa mah teu kitu. Yéhuwa mah ningali yén Daud téh geus satia dina sapanjang hirupna, sarta ayeuna manéhna geus bener-bener tobat. Ku kituna, Yéhuwa ngahampura dosa sérius nu dilakukeun ku Daud. Yéhuwa gé apal Daud téh nyaah pisan ka Anjeunna jeung hayang ngalakukeun nu bener. Urang tangtu nganuhunkeun pisan sabab Yéhuwa ngan ningali sipat-sipat jeung kalakuan urang nu hadé.​—1 Rja. 9:4; 1 Bab. 29:10, 17. w21.12 19 ¶11-13

Kemis, 19 Oktober

Manéhna langsung bisa ningali, tuluy nuturkeun Isa bari ngamulyakeun Allah.​—Luk. 18:43.

Isa téh karunyaan ka jalma-jalma nu cacad. Perhatikeun kekecapan Isa, manéhna nitah jalma-jalma méré laporan kieu ka Yahya Jurubaptis, ”Nu lolong jadi bisa ningali, nu lumpuh jadi bisa leumpang, nu kusta jadi cageur, nu torék jadi bisa ngadéngé, nu maot dihirupkeun deui.” Sanggeusna, ”kabéh jalma nu ningali hal ieu gé maruji Allah”. (Luk. 7:20-22) Urang Kristen téh hayang niru Isa nu karunyaan ka jalma-jalma nu cacad. Urang hayang bageur jeung sabar ka maranéhna. Mémang ayeuna urang téh teu dibéré kawasa pikeun nyieun mujijat, tapi urang dibéré tugas istiméwa pikeun nguarkeun warta hadé ka jalma-jalma, kaasup ka maranéhna nu teu bisa ningali sarta nu lolong sacara rohani. Urang bisa ngabéjaan maranéhna yén engké di pirdaus urang téh bakal boga awak nu sampurna sarta bakal akrab jeung Allah. (Luk. 4:18) Ku kituna, maranéhna bakal kajurung pikeun milu maruji ka Allah. w21.12 9 ¶5

Jumaah, 20 Oktober

Aranjeun geus ngadéngé kumaha Ayub tabah jeung kumaha Yéhuwa ngaberkahan manéhna.​—Yak. 5:11.

Dasar pangajaran Yakobus téh tina Kitab Suci. Manéhna ngagunakeun Firman Allah pikeun ngabantu batur ningali yén Yéhuwa téh pasti ngaberkahan jalma-jalma nu saperti Ayub, nu satia ka Anjeunna. Cara ngajar Yakobus téh saderhana jeung asup akal. Ku kituna, nu diperhatikeun ku batur téh lain manéhna, tapi Yéhuwa. Palajaranana: Waktu ngajar batur, sing saderhana jeung gunakeun Firman Allah. Urang embung batur téh tajub kana kanyaho urang nu loba, tapi urang hayang manéhna nyaho yén Yéhuwa téh ngarti jeung nyaah pisan ka manéhna. (Rm. 11:33) Urang bisa kitu téh lamun urang ngagunakeun Kitab Suci waktu ngajar batur. Misalna, tibatan méré nyaho palajar Alkitab naon nu bakal dilakukeun lamun urang jadi manéhna, leuwih alus mun urang mantuan maranéhna mikirkeun conto tina Alkitab jeung mantuan maranéhna ngarti kana pikiran jeung parasaan Yéhuwa. Ku kituna, maranéhna bakal ngalarapkeun nu diajarkeun téh lantaran hayang nyenangkeun Yéhuwa, lain nyenangkeun urang. w22.01 10-11 ¶9-10

Saptu, 21 Oktober

Kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan.​—Ima. 19:18.

Allah téh miharep urang teu ngan saukur henteu jahat ka batur. Nyaah ka batur saperti ka diri sorangan téh penting lamun urang Kristen hayang nyenangkeun Allah. Isa nandeskeun sakumaha pentingna paréntah nu aya dina Imamat 19:18. Baréto waktu urang Farisi nanya ka Isa, ”Paréntah mana nu pangutamana dina Torét?” Isa ngajawab yén ”paréntah nu pangutamana jeung nu pangpentingna” téh kudu nyaah ka Yéhuwa ku sapinuhna haté, sagemblengna nyawa, jeung sakabéh pikiran. Sanggeusna, Isa ngutip kekecapan nu aya dina Imamat 19:18. Isa ngomong, ”Nu kadua, nu sarupa kitu, ’Maranéh kudu nyaah ka sasama siga ka diri sorangan.’” (Mat. 22:35-40) Mémang aya loba cara pikeun némbongkeun kanyaah ka sasama. Salah sahiji carana nyaéta nuturkeun naséhat dina Imamat 19:18, nu nyebutkeun, ”Ulah hayang ngabales atawa ngunek-ngunek.” w21.12 10-11 ¶11-13

Minggu, 22 Oktober

Barang ningali angin gedé, Pétrus sieuneun. Manéhna rék tilelep, terus ngagorowok, ”Tulungan, Juragan!”​—Mat. 14:30.

Isa langsung nyodorkeun leungeunna nyekel Pétrus. Sabenerna mun Pétrus terus ningali Isa, manéhna bisa terus leumpang dina cai. Tapi waktu Pétrus ningali angin gedé, manéhna jadi sieun jeung rék tilelep. (Mat. 14:24-31) Urang bisa diajar tina pangalaman Pétrus. Waktu Pétrus turun tina parahu jeung leumpang dina cai, manéhna teu nyangka bakal disimpangkeun ku angin gedé tuluy tilelep. Sabenerna manéhna hayang nyampeurkeun Dununganana, tapi gagal lantaran ningali angin gedé! Kiwari, urang teu bisa leumpang dina cai, tapi urang kudu nyanghareupan ujian iman. Lamun urang teu percaya deui ka Yéhuwa sarta jangji-jangji-Na, urang bisa tilelep sacara rohani. Teu sual naon waé angin gedé nu disanghareupan, urang kudu percaya ka Yéhuwa jeung kasanggupana-Na pikeun nulungan urang. w21.12 17-18 ¶6-7

Senén, 23 Oktober

Ku margi Anjeun sakitu asihna, abdi kenging asup ka gedong Gusti.​—Jab. 5:8.

Ngadoa, diajar Alkitab, jeung ngalenyepan téh kaasup ibadah. Waktu ngadoa, urang téh nyarita ka Bapa di sorga nu nyaah ka urang. Waktu diajar Alkitab, urang meunang ’kanyaho ngeunaan Allah’, Pribadi nu paling bijaksana. (Sil. 2:1-5) Waktu urang ngalenyepan, urang mikirkeun sipat Yéhuwa nu hadé jeung rencana-Na nu luar biasa keur urang jeung sakabéh manusa. Ieu téh cara nu panghadéna pikeun ngagunakeun waktu urang. Tapi, kumaha cara ngalakukeunana? Mun bisa, téangan tempat nu sepi. Perhatikeun nu dilakukeun ku Isa. Saacan ngamimitian palayananana di bumi, manéhna indit ka gurun keusik jeung cicing di ditu salila 40 poé. (Luk. 4:1, 2) Di tempat nu sepi éta, manéhna bisa ngadoa jeung ngalenyepan naon nu dipikahayang ku Bapana. Éta nu ngabantu Isa siap nyanghareupan tangtangan nu bakal datang. w22.01 27-28 ¶7-8

Salasa, 24 Oktober

Kudu getol tatanya heula tangtu hasil nya maksud.​—Sil. 15:22.

Waktu urang dibéjaan yén aya hal nu kudu dirobah, misalna ti kokolot atawa sadérék nu geus pangalaman. Lamun aya batur nu bageur jeung daék méré naséhat tina Alkitab, larapkeun naséhatna. Kanyataanana mah, urang téh sok hésé narima naséhat. Urang bisa waé jadi kasinggung. Najan urang sadar urang téh teu sampurna, tapi angger wéh sok teu gampang waktu aya nu méré nyaho kasalahan urang. (Pan. 7:9) Urang sok jadi hayang ngabéla diri. Meureun urang jadi curiga kana niat manéhna atawa nyeri haté kana cara manéhna méré naséhat. Malah bisa waé urang jadi néangan kasalahan manéhna jeung mikir, ’Bisa-bisana manéhna méré naséhat ka urang, mémangna manéhna téh saha? Da manéhna gé pasti boga salah atuh!’ Terus komo deui mun naséhatna teu cocog keur urang, meureun urang jadi nyapirakeun naséhatna. Bisa waé urang gé kalah ka néangan naséhat nu leuwih cocog keur urang. w22.02 8-9 ¶2-4

Rebo, 25 Oktober

Pihapekeun diri ka Kami, tan wande maraneh kuat jeung reugreug.​—Yes. 30:15.

Engké di dunya anyar, aya henteu nu bisa nguji kapercayaan urang kana cara nu digunakeun ku Yéhuwa? Pék pikirkeun kumaha sikep urang Israél nu kakara dibébaskeun ti pangbudakan di Mesir. Aya nu langsung kukulutus lantaran maranéhna nginget-nginget kana kadaharan di Mesir. Jadi maranéhna teu ngahargaan manna nu disadiakeun ku Yéhuwa. (Bil. 11:4-6; 21:5) Kumaha jeung urang engké, bakal jiga maranéhna moal? Sanggeus kasangsaraan nu kacida hébatna anggeusan, urang teu nyaho sakumaha loba pagawéan nu kudu dilakukeun pikeun mersihan sarta ngarobah bumi ieu jadi pirdaus. Bisa jadi, engké téh aya loba pisan pagawéan nu kudu dilakukeun jeung meureun karasana bakal beurat keur urang. Engké urang bakal kukulutus henteu kana naon nu disadiakeun ku Yéhuwa? Nu pasti mah, lamun ayeuna urang ngahargaan naon nu disadiakeun ku Yéhuwa, engké urang gé bakal leuwih ngahargaanana. w22.02 7 ¶18-19

Kemis, 26 Oktober

Maranéhna bakal nyekel pageuh jubah saurang Yahudi. Ceuk maranéhna, ”Urang hayang milu jeung aranjeun, lantaran urang ngadéngé yén Allah nyarengan aranjeun.”​—Za. 8:23, ”NW”.

Dina nubuat Zakharia 8:23, kecap ”saurang Yahudi” jeung ”aranjeun” téh ngamaksudkeun kelompok nu sarua, nyaéta kaom nu diistrénan. (Rm. 2:28, 29) ”Sapuluh lalaki ti bangsa jeung basa” ngamaksudkeun domba-domba lian. Maranéhna ”nyekel pageuh”, atawa ngadukung, kaom nu diistrénan ku cara milu ngadukung ibadah nu murni. Nubuat dina Yeheskel 37:15-19, 24, 25 gé jadi kanyataan waktu Yéhuwa ngahijikeun kaom nu diistrénan jeung domba-domba lian pikeun digawé bareng. Nubuat ieu nyebutkeun aya dua iteuk. Nu boga harepan ka sorga digambarkeun ku iteuk ”Karajaan Yuda” (raja-raja di Israél dipilih tina kaom ieu). Ari nu boga harepan di bumi mah digambarkeun ku iteuk ”Karajaan Israil”. Yéhuwa bakal ngahijikeun dua kelompok ieu pikeun jadi ”hiji iteuk”. Éta hartina, maranéhna bakal ngawula babarengan jeung diparéntah ku hiji Raja, nyaéta Isa Al-Masih.​—Yah. 10:16. w22.01 22 ¶9-10

Jumaah, 27 Oktober

Kadé, ulah ngalampahkeun nu bener ngarah katempo ku batur.​—Mat. 6:1.

Isa nyaritakeun ngeunaan jalma-jalma nu méré bantuan ka nu miskin, tapi sabenerna maranéhna hayang katempo ku batur hungkul. Mémang katingalina mah alus, tapi Yéhuwa teu resep kana kalakuan maranéhna. (Mat. 6:2-4) Urang bisa bener-bener némbongkeun kahadéan lamun urang ngalakukeun naon nu bener jeung ku niat nu teu mentingkeun diri. Jadi, pék pikirkeun: ’Abdi téh ngan saukur nyaho nu bener, atawa abdi ngajalankeunana ogé? Waktu nyieun kahadéan, naon niat abdi nu sabenerna?’ Yéhuwa téh ngagunakeun kawasa suci-Na pikeun nyieun hiji tindakan. (Kaj. 1:2) Jadi, unggal sipat nu dihasilkeun kawasa suci téh ngajurung urang pikeun nyieun tindakan. Contona Yakobus nulis, ”Ari henteu jeung lampah mah iman téh paéh.” (Yak. 2:26) Kitu ogé jeung sipat-sipat séjénna. Unggal urang némbongkeun sipat-sipat ieu, éta ngabuktikeun yén kawasa suci téh ngabingbing urang. w22.03 11 ¶14-16

Saptu, 28 Oktober

Nu milih aranjeun téh Allah nu suci, jadi aranjeun gé kudu suci dina sagala laku lampah aranjeun.​—1 Pét. 1:15.

Bisa jadi urang téh geus ibadah ka Yéhuwa jeung bageur ka batur. Tapi, Rasul Pétrus ngingetan urang Kristen pikeun ngalakukeun hal penting séjénna. Saacan Pétrus nitah urang pikeun suci dina sagala laku lampah urang, manéhna ngomong, ”Siapkeun pikiran aranjeun pikeun digawé.” (1 Pét. 1:13) Digawé naon? Pétrus nitah urang Kristen nu diistrénan pikeun ”nguarkeun kaagungan Allah, nu geus ngajait” maranéhna. (1 Pét. 2:9) Kiwari, kabéh urang Kristen gé ngalakukeun pagawéan nu paling penting pikeun ngabantu batur. Sabagé jalma suci, urang téh boga tugas istiméwa pikeun ngawawar jeung ngajar batur. (Mar. 13:10) Lamun urang ngalakukeunana, urang némbongkeun yén urang téh nyaah ka Yéhuwa jeung ka batur. Urang ogé némbongkeun yén urang hayang jadi ”suci” dina sagala laku lampah. w21.12 13 ¶18

Minggu, 29 Oktober

Lamun saurang jalma dihampura ku aranjeun, ku kuring gé tangtu dihampura.​—2 Kor. 2:10.

Rasul Paulus tetep positif ka dulur-dulurna. Paulus ngarti lamun saurang jalma nyieun kasalahan, éta lain hartina manéhna jalma nu jahat. Paulus téh nyaah jeung leuwih merhatikeun kahadéan dulur-dulur saimanna. Lamun aya nu hésé pikeun ngalakukeun nu bener, Paulus nganggap yén sabenerna maranéhna téh hayang ngalakukeun nu bener tapi maranéhna perlu dibantu. Pék pikirkeun kumaha Paulus ngabantu dua sadérék istri di sidang Filipi. (Flp. 4:1-3) Éuodia jeung Sintikhé téh henteu akur ku lantaran boga pamikiran nu béda. Paulus henteu kasar atawa langsung ngahakiman maranéhna. Tapi, Paulus leuwih merhatikeun sipat-sipat hadé maranéhna. Dua sadérék istri ieu téh satia jeung geus lila ngawula Yéhuwa. Paulus nyaho yén Yéhuwa téh nyaah ka maranéhna. Ku lantaran Paulus tetep positif, manéhna jadi daék ngabantu dua sadérék istri ieu pikeun ngaréngsékeun masalahna. Ku lantaran sipat ieu ogé, Paulus jadi bisa tetep bungah sarta nyobat jeung sadérék-sadérék di sidang éta. w22.03 30 ¶16-18

Senén, 30 Oktober

Mantenna deukeut ka sakur anu sasambat ka anu sasambatna ka Mantenna enya-enya.​—Jabur 34:19.

Katengtreman éta ngabantu haté jeung pikiran urang jadi tenang. Ieu kaalaman sorangan ku sadérék istri nu ngaranna Luz. Ceuk manéhna, ”Abdi téh sok ngarasa sorangan, malah sakapeung mah abdi gé ngarasa Yéhuwa téh teu nyaah ka abdi. Tapi lamun abdi ngarasa kitu, abdi buru-buru ngadoa ka Yéhuwa, nyaritakeun naon nu dirasakeun ku abdi. Sanggeus ngadoa biasana parasaan abdi jadi leuwih tenang.” Pangalaman manéhna ngabuktikeun yén urang téh bisa meunang katengtreman liwat doa. (Flp. 4:6, 7) Urang gé diyakinkeun yén Yéhuwa jeung Isa bakal ngabantu urang waktu urang ditinggal maot ku kulawarga atawa sobat urang. Urang jadi kajurung pikeun ngawawar jeung ngajar batur lantaran hayang nyonto Yéhuwa sarta Isa nu boga sipat karunyaan. Urang gé jadi ngarasa tenang lantaran Yéhuwa jeung Putra- paham kana kalemahan urang, jeung hayang ngabantu urang pikeun nyanghareupanana. Urang ngadago-dago poéna Yéhuwa ’nyusutan cipanon urang’!​—Why. 21:4. w22.01 15 ¶7; 19 ¶19-20

Salasa, 31 Oktober

Heug arasup ka gerbang nu sempit, sabab gerbang nu rubak jeung jalan nu lega mah brasna kana kabinasaan sarta loba nu arasup ka dinya.​—Mat. 7:13.

Isa méré nyaho aya dua gerbang anu brasna ka dua jalan nu béda. Nu hiji mah jalanna ”lega”, nu hiji deui mah jalanna ”heurin”. (Mat. 7:14) Jalanna téh ngan dua, euweuh jalan nu katilu. Urang sorangan nu kudu milih urang hayang aya di jalan nu mana. Ieu téh putusan nu paling penting, ku lantaran ngan aya hiji jalan nu bakal mawa urang kana hirup nu langgeng. Loba jalma milih jalan nu ”lega”, lantaran éta téh leuwih gampang ditempuhna. Hanjakalna, maranéhna hayang terus aya dina jalan lega lantaran hayang nuturkeun loba jalma. Maranéhna teu sadar yén sabenerna Sétan si Iblis nu hayang maranéhna aya dina jalan éta, padahal jalanna téh brasna kana kabinasaan. (1 Kor. 6:9, 10; 1 Yah. 5:19) Salian jalan nu ”lega” téh, aya jalan nu ”heurin”. Isa ngomong yén ngan saeutik nu bisa manggihan jalan ieu. Ku naon? Dina ayat saterusna, Isa ngingetkeun ka para muridna pikeun ati-ati ka nabi-nabi palsu.​—Mat. 7:15. w21.12 22-23 ¶3-5

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun