PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • wp22 No. 1 kaca 10-11
  • 3 | Piceun Pikiran Goréng Sangka

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • 3 | Piceun Pikiran Goréng Sangka
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Pangajaran Kitab Suci:
  • Maksudna:
  • Nu Bisa Dilakukeun:
  • Carana Supaya Teu Ijid Deui ka Batur
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
  • Urang Bisa Ngalawan Parasaan Ijid!
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
  • Ku Naon Loba Jalma Silih Mikaijid?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
  • Moal Aya Deui Parasaan Ijid!
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
Tingali Ogé
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
wp22 No. 1 kaca 10-11
Saurang jalma keur ngabayangkeun manéhna téh salaman jeung jalma nu kaomna béda. Tapi bayanganana téh keur nyepeng papan protés jeung paséa.

CARANA SUPAYA TEU IJID DEUI KA BATUR

3 | Piceun Pikiran Goréng Sangka

Pangajaran Kitab Suci:

”Aranjeun kudu barobah ku cara ngarobah cara pikir aranjeun, supaya aranjeun bisa ngabuktikeun sorangan kahayang Allah nu hadé nu sampurna, jeung nu nyukakeun haté-Na.”​—ROMA 12:2.

Maksudna:

Keur Allah mah cara pikir urang téh penting. (Yermia 17:10) Jadi urang kudu ngajaga sikep jeung omongan urang. Tapi, aya hal séjén nu kudu urang lakukeun. Sipat goréng sangka téh asalna tina haté jeung pikiran. Jadi lamun geus goréng sangka ka batur, urang kudu geura-geura miceun pikiran éta. Sing yakin, urang téh bisa ”barobah”.

Nu Bisa Dilakukeun:

Pikirkeun bener-bener kumaha pandangan jeung parasaan anjeun ka batur, utamana ka nu bangsa jeung kaomna béda jeung anjeun. Pék pikirkeun: ’Kumaha pandangan urang ka manéhna? Naha urang téh bener-bener kenal ka manéhna? Atawa pandangan urang téh geus dipangaruhan ku sikep goréng sangka?’ Singkahan film, hiburan, atawa média sosial lamun eusina téh ngunggulkeun sikep goréng sangka jeung kakerasan.

Firman Allah bisa mantuan urang nyingkirkeun parasaan ijid nu aya dina haté jeung pikiran

Mémang teu gampang pikeun mariksa haté jeung pikiran sorangan. Tapi, Firman Allah bisa ”nyingkabkeun eusi pikiran jeung niat haté” anjeun. (Ibrani 4:12) Jadi terus diajar Kitab Suci. Bandingkeun cara pikir anjeun jeung pangajaran Kitab Suci. Pék luyukeun cara pikir anjeun. Kitab Suci bisa mantuan anjeun nyingkirkeun parasaan goréng sangka nu geus nanceub kuat dina haté jeung pikiran.​—2 Korintus 10:4, 5.

Pangalaman​—STEPHEN

Manéhna Ngarobah Cara Pikirna

Stephen.

Stephen jeung kulawargana téh korban tina sikep goréng sangka. Waktu aya hiji partéy pulitik nu ngabéla hak asasi manusa, manéhna jadi kapangaruhan. Hiji waktu manéhna pernah ngalakukeun kajahatan lantaran goréng sangka ka batur. Ceuk Stephen, ”Harita abdi jeung babaturan téh keur nongton film ngeunaan urang Afrika nu sangsara lantaran diperbudak di Amerika Serikat. Saking keuheulna kana éta film, urang neunggeul barudak ngora nu kulitna bodas di bioskop éta. Abdi gé datang ka tempat jalma-jalma nu kulitna bodas, terus neunggeulan maranéhna.”

Cara pikir Stephen bener-bener barobah waktu manéhna mulai diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Ceuk manéhna, ”Lantaran tadina téh abdi korban tina sikep goréng sangka, abdi tajub ningali Saksi Yéhuwa nu silih nyaahan. Misalna, aya saurang Saksi nu kulitna bodas rék indit ka luar kota. Manéhna teu asa-asa nitipkeun budakna ka saurang Saksi nu kulitna hideung. Aya ogé hiji kulawarga nu kulitna bodas nu daék nampung saurang budak ngora nu kulitna hideung nu butuh tempat panyicingan.” Stephen jadi beuki yakin lamun Saksi-Saksi Yéhuwa téh urang Kristen sajati lantaran maranéhna téh silih nyaahan, siga nu disebutkeun ku Isa.​—Yahya 13:35.

Kumaha bisa Stephen teu jahat atawa goréng sangka deui ka batur? Ayat di Roma 12:2 ngabantu manéhna. Ceuk Stephen, ”Abdi sadar cara pikir abdi kudu dirobah. Jadi abdi teu meunang kasar deui ka batur jeung kudu hirup rukun jeung jalma-jalma.” Geus 40 taun Stephen ngarasakeun kahirupan nu tengtrem.

Baca pangalaman lengkep Stephen dina majalah Menara Pengawal 1 Juli 2015 kaca 10-11.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun