PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 166
  • Naha Duit téh Sumberna Sagala Kajahatan?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naha Duit téh Sumberna Sagala Kajahatan?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Jawaban Alkitab
  • Kumaha pandangan Alkitab ngeunaan duit?
  • Ku naon Alkitab mépélingan sangkan urang teu beuki kana duit?
  • Naon mangpaatna lamun urang nuturkeun naséhat Alkitab ngeunaan duit?
  • Carana Ngatur Duit
    Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Pagawéan jeung Duit?
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 166
Jalma nu rék nyokot loba duit.

Naha Duit téh Sumberna Sagala Kajahatan?

Jawaban Alkitab

Henteu. Alkitab teu nyebutkeun yén duit téh jahat atawa nyababkeun sagala hal nu goréng. Ungkapan ”duit téh sumberna sagala kajahatan” mangrupa cutatan ayat nu teu lengkep, jadi éta teu bener. Sabenerna Alkitab nyebutkeun, ”Beuki kana duit teh sumberna sagala kajahatan.”—1 Timoteus 6:10, Kitab Suci Nganggo Basa Sunda Sadidinten.

  • Kumaha pandangan Alkitab ngeunaan duit?

  • Ku naon Alkitab mépélingan sangkan urang teu beuki kana duit?

  • Naon mangpaatna lamun urang nuturkeun naséhat Alkitab ngeunaan duit?

  • Ayat-ayat ngeunaan duit

Kumaha pandangan Alkitab ngeunaan duit?

Numutkeun Alkitab, lamun duit digunakeun sacara bijaksana, duit téh aya mangpaatna, malah ”matak aman pipikiran”. (Pandita 7:12) Alkitab ogé muji jalma-jalma nu balabah atawa béréhan, kaasup méré duit ka batur.—Siloka 11:25.

Tapi, Alkitab ogé mépélingan sangkan urang teu ngutamakeun duit dina kahirupan. Disebutkeun, ”Kana duit ulah nepi ka kaedanan, tarimakeun milik anu geus aya.” (Ibrani 13:5) Jadi palajaranana, duit téh penting ogé, tapi ulah nepi ka ngudag kabeungharan. Urang kudu ngarasa cukup lamun kabutuhan dasar saperti dahareun, papakéan, jeung panyicingan, geus kacumponan.—1 Timoteus 6:8.

Ku naon Alkitab mépélingan sangkan urang teu beuki kana duit?

Jalma nu sarakah moal bisa meunangkeun hirup langgeng. (Epesus 5:5) Hiji alesanana, sarakah téh sarua jeung nyembah ka brahala. (Kolosa 3:5) Alesan séjénna, jalma nu sarakah osok ngabaékeun prinsip nu hadé, nu penting mah kahayangna kacumponan. Ceuk Siloka 28:20, ”Anu hayang gancang beunghar, mo luput tina hukuman.” Ieu téh lantaran maranéhna sok kagoda ngalakukeun kajahatan, saperti meres, malak, nipu, nyulik, atawa maéhan.

Lamun maranéhna teu nepi ka ngalakukeun kajahatan gé, masih aya balukar goréngna. Alkitab nyebutkeun, ”Ngarah kabeungharan mah matak tigubrag kana panggoda, kabeulit ku rupa-rupa kahayang anu teu munasabah nu ngabahlakeun.”—1 Timoteus 6:9.

Naon mangpaatna lamun urang nuturkeun naséhat Alkitab ngeunaan duit?

Lamun urang teu kaédanan kana duit, tapi terus mertahankeun ahlak nu hadé jeung ibadah urang, urang bakal dipandang hadé ku masarakat jeung kamanah ku Allah. Mantenna gé bakal nulungan. Allah jangji ka jalma-jalma nu bener-bener hayang nyenangkeun Mantenna, ”Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun.” (Ibrani 13:5, 6) Mantenna gé ngajamin yén jalma nu satia bakal meunang loba berkah.—Siloka 28:20, Terjemahan Dunia Baru.

Ayat-ayat ngeunaan Duit

Pandita 7:12: ”Boga duit, matak aman pipikiran.”

Maksudna: Lamun digunakeun sacara bijaksana, duit téh aya mangpaatna lantaran bisa ngurangan kahariwangan.

Lukas 12:15: ”Hirup jalma teh saenyana lain gumantung kana hartana, masih sakumaha beungharna oge.”

Maksudna: Duit téh lain nu pangpentingna dina kahirupan, jeung moal bisa nyalametkeun.

1 Timoteus 6:10: ”Beuki kana duit teh sumberna sagala kajahatan. Aya anu ku moho-mohona kana duit nepi ka pecat iman, hatena ajur ku rupa-rupa aral.”

Maksudna: Duitna sih teu salah. Tapi jalma-jalma nu beuki jeung ngutamakeun duit bakal meunang loba masalah, misalna kulawarga papecah jeung jadi gering lantaran capé teuing digawé.

Ibrani 13:5: ”Kana duit ulah nepi ka kaedanan, tarimakeun milik anu geus aya.”

Maksudna: Ti batan ngorbankeun sagalana demi ngudag kabeungharan, leuwih alus lamun urang ngarasa cukup waktu kabutuhan dasar geus kacumponan.

Mateus 19:24: ”Kacida hesena jelema beunghar asup ka Karajaan Sawarga, leuwih hese ti batan onta moncor kana liang jarum.”

Maksudna: Yésus ngomong kieu sanggeus anjeunna ngondang saurang jalma beunghar pikeun jadi muridna. Tapi éta jalma teu daékeun lantaran teu bisa ninggalkeun harta bandana. Jadi Yésus méré pépéling yén jalma nu miheulakeun kabeungharan ti batan kahoyong Allah bisa kaleungitan harepan hirup langgeng.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun