Bilangan
2 Tuluy Yéhuwa nyarios ka Musa jeung Harun, 2 ”Urang Israél kudu masang kémah di tempat nu geus ditangtukeun keur rombongan tilu kaom,+ nurutkeun bandéra* kulawarga pihak bapana. Maranéhna kudu masang kémah di sakuriling kémah tepangan, nyanghareup ka éta kémah tepangan.
3 ”Rombongan tilu kaom nu dipingpin ku kaom Yéhuda bakal masang kémah di beulah wétan, di arah panonpoé medal, nurutkeun kelompokna* masing-masing. Pamingpin kaom Yéhuda téh Nahsyon+ anak Aminadab. 4 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Yéhuda téh aya 74.600 urang.+ 5 Kaom Isakhar bakal masang kémah gigireunana. Pamingpin kaom Isakhar téh Nétanél+ anak Zuar. 6 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Isakhar téh aya 54.400 urang.+ 7 Kaom Zébulon gé bakal masang kémah gigireun kaom Yéhuda. Pamingpin kaom Zébulon téh Éliab+ anak Hélon. 8 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Zébulon téh aya 57.400 urang.+
9 ”Nu didaptarkeun di kelompok pasukan nu dipingpin ku kaom Yéhuda téh aya 186.400 urang. Upama urang Israél rék pindah, maranéhna nu kudu indit pangheulana.+
10 ”Rombongan tilu kaom nu dipingpin ku kaom Rubén+ bakal masang kémah di beulah kidul, nurutkeun kelompokna* masing-masing. Pamingpin kaom Rubén téh Élizur+ anak Syédéur. 11 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Rubén téh aya 46.500 urang.+ 12 Kaom Siméon bakal masang kémah gigireunana. Pamingpin kaom Siméon téh Syélumiél+ anak Zurisyadai. 13 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Siméon téh aya 59.300 urang.+ 14 Kaom Gad gé bakal masang kémah gigireun kaom Rubén. Pamingpin kaom Gad téh Éliasaf+ anak Réuél. 15 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Gad téh aya 45.650 urang.+
16 ”Nu didaptarkeun di kelompok pasukan nu dipingpin ku kaom Rubén téh aya 151.450 urang. Upama urang Israél rék pindah, maranéhna nu kadua nu kudu indit.+
17 ”Upama kémah tepangan rék dipindahkeun,+ urang Léwi kudu aya di tengah-tengah kelompok-kelompok séjénna.
”Urang Israél leumpangna kudu nurutkeun aturan nu sarua kawas waktu maranéhna masang kémah.+ Masing-masing kudu aya di tempatna, nurutkeun rombongan tilu kaom.
18 ”Rombongan tilu kaom nu dipingpin ku kaom Éfraim bakal masang kémah di beulah kulon, nurutkeun kelompokna* masing-masing. Pamingpin kaom Éfraim téh Élisyama+ anak Amihud. 19 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Éfraim téh aya 40.500 urang.+ 20 Kaom Manasyé bakal masang kémah gigireunana.+ Pamingpin kaom Manasyé téh Gamaliél+ anak Pédahzur. 21 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Manasyé téh aya 32.200 urang.+ 22 Kaom Bényamin gé bakal masang kémah gigireun kaom Éfraim. Pamingpin kaom Bényamin téh Abidan+ anak Gidéoni. 23 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Bényamin téh aya 35.400 urang.+
24 ”Nu didaptarkeun di kelompok pasukan nu dipingpin ku kaom Éfraim téh aya 108.100 urang. Upama urang Israél rék pindah, maranéhna nu katilu nu kudu indit.+
25 ”Rombongan tilu kaom nu dipingpin ku kaom Dan bakal masang kémah di beulah kalér, nurutkeun kelompokna* masing-masing. Pamingpin kaom Dan téh Ahiézér+ anak Amisyadai. 26 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Dan téh aya 62.700 urang.+ 27 Kaom Asyér bakal masang kémah gigireunana. Pamingpin kaom Asyér téh Pagiél+ anak Okhran. 28 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Asyér téh aya 41.500 urang.+ 29 Kaom Naftali gé bakal masang kémah gigireun kaom Dan. Pamingpin kaom Naftali téh Ahira+ anak Énan. 30 Nu didaptarkeun jadi pasukan kaom Naftali téh aya 53.400 urang.+
31 ”Nu didaptarkeun di kelompok pasukan nu dipingpin ku kaom Dan téh aya 157.600 urang. Upama urang Israél rék pindah, maranéhna nu pangpandeurina+ nu kudu indit, nurutkeun rombongan tilu kaom.”
32 Éta urang Israél nu didaptar nurutkeun kulawarga pihak bapana téh. Kabéh nu bisa jadi prajurit téh aya 603.550 urang.+ 33 Tapi urang Léwi mah teu didaptar+ bareng jeung urang Israél séjénna,+ sakumaha paréntah Yéhuwa ka Musa. 34 Nya, éta nu kudu dilampahkeun ku urang Israél upama maranéhna rék masang kémah atawa pindah,+ nyaéta kudu nurutkeun rombongan tilu kaom,+ nurutkeun kaomna jeung kulawarga pihak bapana. Urang Israél ngalampahkeun kabéh nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka Musa.