Yosua
10 Adoni-zédék raja Yérusalém ngadéngé béja yén Yosua geus ngarebut jeung ngamusnakeun kota Ai. Ai jeung rajana+ geus dimusnakeun siga Yérikho jeung rajana.+ Manéhna gé ngadéngé yén penduduk Gibéon geus hirup rukun jeung urang Israél,+ malah cicing bareng jeung maranéhna. 2 Jadi, manéhna kasieunan pisan,+ sabab Gibéon téh kota nu gedé, siga kota nu dipingpin ku raja. Kotana téh leuwih gedé tibatan Ai,+ jaba kabéh lalakina téh jarago perang. 3 Ku kituna, Adoni-zédék raja Yérusalém ngirim pesen kieu ka Hoham raja Hébron,+ Piram raja Yarmut, Yafia raja Lakhis, jeung Débir raja Églon,+ 4 ”Hayu bantuan, urang serang Gibéon, lantaran Gibéon geus nyieun perjangjian pikeun rukun jeung Yosua sarta urang Israél.”+ 5 Jadi, éta lima raja urang Amori,+ nyaéta raja Yérusalém, raja Hébron, raja Yarmut, raja Lakhis, jeung raja Églon, bareng jeung pasukan maranéhna, ngagabung tuluy indit rék merangan Gibéon.
6 Jadi, urang Gibéon ngirim pesen ka Yosua di pakémahan di Gilgal,+ ”Juragan, hamba-hamba Juragan ieu ulah diantep.+ Geura datang! Tulungan jeung salametkeun abdi sadaya, sabab sakabéh raja urang Amori ti daérah pagunungan geus ngagabung rék merangan abdi sadaya.” 7 Jadi, Yosua indit ti Gilgal bareng jeung sakabéh pasukan sarta prajuritna nu jaragoan.+
8 Tuluy Yéhuwa nyarios ka Yosua, ”Ulah sieun ka maranéhna,+ sabab Kuring geus nyerahkeun maranéhna ka manéh.+ Moal aya hiji-hiji acan nu sanggup ngalawan manéh.”+ 9 Sanggeus leumpang sapeupeuting ti Gilgal, Yosua ngayakeun serangan ngadadak ka urang Amori. 10 Ku Yéhuwa maranéhna disina bingung,+ tuluy dibasmi ku urang Israél di Gibéon. Sésana diberik jeung dipaéhan di jalan nu naék ka Bét-horon, nepi ka Azéka jeung Makéda. 11 Basa maranéhna kabur lalumpatan ti urang Israél di jalan nu turun ti Bét-horon, Yéhuwa nurunkeun hujan batu nu baradag di sapanjang jalan ka Azéka. Nu paéh ku lantaran éta hujan batu leuwih loba tibatan nu paéh ku lantaran pedang prajurit Israél.
12 Dina poé Yéhuwa ngéléhkeun urang Amori hareupeun urang Israél, Yosua ngomong kieu ka Yéhuwa bari disaksian ku urang Israél,
13 Jadi, panonpoé téh cicing jeung bulan teu obah nepi ka urang Israél ngéléhkeun musuh-musuhna. Éta kabéh ditulis dina buku Yasyar.+ Panonpoé tetep cicing di tengah-tengah langit, kira-kira sapoé jeput teu surup-surup. 14 Saacanna atawa sanggeusna, teu pernah aya poé nu kawas kitu. Harita, Yéhuwa ngabulkeun paménta hiji manusa,+ sabab Yéhuwa keur perang demi Israél.+
15 Geus kitu, Yosua jeung sakabéh prajurit Israél balik ka pakémahan di Gilgal.+
16 Ari lima raja urang Amori téa kalabur tuluy nyarumput di hiji guha di Makéda.+ 17 Geus kitu, aya nu ngalapor ka Yosua, ”Lima raja téh keur nyumput di guha di Makéda.”+ 18 Jadi Yosua nitah kieu, ”Tutupan guhana ku batu-batu garedé jeung titah sababaraha jalma ngajaga di dinya. 19 Tapi, nu séjénna ulah eureun ngudag musuh-musuh jeung serang maranéhna ti tukang.+ Maranéhna ulah nepi ka asup ka kota-kotana, sabab musuh-musuh téh geus diserahkeun ka maranéh ku Yéhuwa Allah maranéh.”
20 Yosua jeung urang Israél ngabasmi maranéhna nepi ka téréh béak, kajaba sababaraha nu salamet lantaran arasup ka kota nu dibénténgan. 21 Geus kitu, kabéh prajurit baralik ka Yosua di pakémahan di Makéda, kabéhanana salamet. Di éta daérah, geus euweuh nu wani nangtang urang Israél. 22 Tuluy ceuk Yosua, ”Buka guhana, éta lima raja téh bawa ka dieu.” 23 Jadi, éta lima raja téh dikaluarkeun tina guha tuluy dibawa ka Yosua. Maranéhna téh raja Yérusalém, raja Hébron, raja Yarmut, raja Lakhis, jeung raja Églon.+ 24 Waktu éta raja-raja dibawa ka Yosua, Yosua ngageroan sakabéh lalaki Israél sarta ngomong ka para komandan pasukan nu milu jeung manéhna, ”Ka darieu. Tincak punduk ieu raja-raja.” Jadi maranéhna nyalampeurkeun, tuluy nincak punduk éta raja-raja.+ 25 Yosua ngomong ka maranéhna, ”Ulah sieun atawa geumpeur.+ Maranéh kudu wani jeung kuat. Ieu nu bakal dilampahkeun ku Yéhuwa ka kabéh musuh nu diperangan ku maranéh.”+
26 Sanggeus kitu, Yosua maéhan jeung ngagantung éta raja-raja dina lima tihang.* Cul maranéhna diantep nepi ka burit. 27 Waktu panonpoé surup, Yosua nitah supaya mayit-mayitna diturunkeun tina tihang,+ tuluy dibalangkeun ka guha tempat maranéhna nyarumput. Guhana ditutupan ku batu-batu nu garedé, éta aya nepi ka ayeuna.
28 Poé éta kénéh, Yosua ngarebut Makéda+ jeung nyerang éta kota ku pedang. Manéhna maéhan rajana jeung unggal jalma di dinya, euweuh nu salamet hiji-hiji acan.+ Manéhna maéhan raja Makéda+ sarua siga maéhan raja Yérikho.
29 Sanggeusna, Yosua bareng jeung kabéh prajurit indit ti Makéda ka Libna, tuluy nyerang kota Libna.+ 30 Yéhuwa gé nyerahkeun éta kota jeung rajana+ ka Israél. Éta kota jeung unggal jalma nu aya di dinya diserang ku pedang, euweuh nu salamet hiji-hiji acan. Maranéhna maéhan raja Libna sarua siga maéhan raja Yérikho.+
31 Tuluy, Yosua jeung sakabéh prajurit Israél indit ti Libna ka Lakhis.+ Maranéhna masang kémah di dinya, jeung nyerang kota Lakhis. 32 Yéhuwa nyerahkeun Lakhis ka Israél. Dina poé kadua, maranéhna ngarebut éta kota. Éta kota jeung unggal jalma nu aya di dinya diserang ku pedang,+ sakumaha maranéhna ngamusnakeun Libna.
33 Horam raja Gézér+ datang rék nulungan Lakhis, tapi manéhna jeung sakabéh prajuritna dipaéhan ku Yosua, euweuh nu salamet hiji-hiji acan.
34 Geus kitu, Yosua jeung sakabéh prajurit Israél indit ti Lakhis ka Églon.+ Maranéhna masang kémah di dinya, jeung nyerang kota Églon. 35 Poé éta kénéh, maranéhna ngarebut jeung nyerang éta kota ku pedang. Poé éta ogé, maranéhna ngamusnakeun unggal jalma nu aya di éta kota, sakumaha maranéhna ngamusnakeun Lakhis.+
36 Terus, Yosua jeung sakabéh prajurit Israél indit ti Églon ka Hébron,+ jeung nyerang kota Hébron. 37 Maranéhna ngarebut éta kota, nyerang rajana, kota-kota di sakurilingna, jeung unggal jalma nu aya di dinya ku pedang, euweuh nu salamet hiji-hiji acan. Manéhna ngamusnakeun éta kota jeung unggal jalma nu aya di dinya, sakumaha manéhna ngamusnakeun Églon.
38 Ahirna, Yosua jeung sakabéh prajurit Israél malik ka Débir,+ tuluy nyerang éta kota. 39 Manéhna ngarebut éta kota, nyerang rajana, jeung kota-kota di sakurilingna ku pedang. Unggal jalma nu aya di dinya dipaéhan,+ euweuh nu salamet hiji-hiji acan.+ Manéhna ngamusnakeun Débir jeung rajana, sakumaha manéhna ngamusnakeun Hébron jeung Libna sarta raja-rajana.
40 Yosua nalukkeun sakabéh nagri di daérah pagunungan, Négéb, Syéféla,+ jeung daérah lamping.* Kabéh rajana gé dipaéhan, euweuh nu salamet hiji-hiji acan.+ Unggal jalma dipaéhan ku manéhna, sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa Allah Israél.+ 41 Yosua nalukkeun maranéhna kabéh ti Kadés-barnéa+ nepi ka Gaza,+ jeung sakabéh tanah Gosyén+ nepi ka Gibéon.+ 42 Yosua ngéléhkeun raja-rajana sakaligus ngarebut nagri maranéhna, sabab Yéhuwa Allah Israél nu perang demi Israél.+ 43 Sanggeus kitu, Yosua jeung sakabéh prajurit Israél balik ka pakémahan di Gilgal.+