Yosua
11 Hal éta kadéngé ku Yabin raja Hazor, jadi manéhna langsung ngirim pesen ka Yobab raja Madon,+ raja Syimron, jeung raja Akhsyaf,+ 2 nyaéta raja-raja nu aya di daérah pagunungan beulah kalér, ogé ka raja-raja di padataran* beulah kidul Khinérét, raja-raja di Syéféla jeung di lamping-lamping* Dor+ beulah kulon. 3 Manéhna gé ngirim pesen ka urang Kanaan+ nu aya di beulah wétan jeung kulon, urang Amori,+ urang Hét, urang Périz, urang Yébus di daérah pagunungan, jeung urang Héwi+ di suku Gunung Hérmon+ di tanah Mizpa. 4 Jadi, maranéhna daratang bari marawa prajurit nu kacida lobana siga keusik di basisir. Maranéhna gé marawa loba pisan kuda jeung karéta perang. 5 Éta raja-raja kabéhanana satuju pikeun ngumpul jeung masang kémah di Cinyusu Mérom. Maranéhna rék merangan Israél.
6 Yéhuwa ngucap kieu ka Yosua, ”Tong sieun ka maranéhna,+ sabab isukan kira-kira wayah kieu, Kuring rék nyerahkeun kabéhanana ka Israél pikeun dipaéhan. Teukteuk urat suku kuda-kudana+ jeung duruk karéta-karéta perangna.” 7 Tuluy, Yosua bareng jeung sakabéh prajuritna ngayakeun serangan ngadadak di Cinyusu Mérom. 8 Yéhuwa nyerahkeun maranéhna ka Israél.+ Urang Israél ngéléhkeun jeung ngaberik maranéhna nepi ka Sidon Gedé,+ Misréfot-maim,+ jeung Lebak Mizpé di beulah wétan. Kabéhanana diparaéhan nepi ka euweuh hiji-hiji acan nu salamet.+ 9 Geus kitu, Yosua neukteukan urat suku kuda-kuda jeung ngaduruk karéta-karéta perang maranéhna, sakumaha paréntah Yéhuwa.+
10 Ti dinya, Yosua indit ka Hazor jeung ngarebut éta kota sarta maéhan rajana ku pedang,+ lantaran Hazor téh kota nu pangkuatna di antara sakabéh karajaan éta. 11 Unggal jalma di éta kota dipaéhan ku pedang.+ Euweuh saurang-urang acan nu diantep hirup.+ Terus, Hazor diduruk ku Yosua. 12 Manéhna maéhan éta raja-raja ku pedang jeung ngarebut kota-kotana.+ Maranéhna kabéh dimusnakeun,+ sakumaha paréntah Musa hamba Yéhuwa. 13 Tapi, kota-kota nu aya di luhureun pasir* mah teu diduruk ku urang Israél kajaba Hazor. Ngan éta kota nu diduruk ku Yosua. 14 Kabéh harta banda jeung ingon-ingon di éta kota-kota dijarah ku urang Israél.+ Tapi jalma-jalmana mah dipaéhan ku pedang, euweuh nu nyésa.+ Euweuh saurang-urang acan nu diantep hirup.+ 15 Sakabéh paréntah Yéhuwa ka Musa hamba-Na, nu ditepikeun ogé ku Musa ka Yosua,+ dijalankeun ku Yosua. Euweuh hiji-hiji acan paréntah Yéhuwa ka Musa nu teu dijalankeun ku Yosua.+
16 Yosua nalukkeun sakabéh nagri ieu, nyaéta daérah pagunungan, sakabéh daérah Négéb,+ sakabéh tanah Gosyén, Syéféla,+ Araba,+ jeung daérah pagunungan Israél sarta pasir-pasirna,* 17 ti Gunung Halak di deukeut Séir nepi ka Baal-gad+ di Lebak Lébanon di suku Gunung Hérmon.+ Yosua néwakan raja-rajana jeung maéhan maranéhna. 18 Yosua merangan éta raja-raja téh rada lila. 19 Euweuh nu nyieun perjangjian pikeun rukun jeung Israél kajaba urang Héwi nu cicing di Gibéon.+ Kota-kota séjénna mah diperangan jeung ditalukkeun.+ 20 Waktu maranéhna* keukeuh+ hayang merangan Israél, ku Yéhuwa diantep ngarah maranéhna dimusnakeun taya ampun.+ Kabéhanana dibinasakeun, sakumaha paréntah Yéhuwa ka Musa.+
21 Harita, Yosua ngamusnakeun urang Anakim+ ti daérah pagunungan, nyaéta ti Hébron, Débir, Anab, sakabéh daérah pagunungan Yéhuda, jeung sakabéh daérah pagunungan Israél. Yosua ngamusnakeun maranéhna jeung kota-kotana.+ 22 Urang Anakim euweuh nu nyésa di tanah urang Israél. Maranéhna ngan aya+ di Gaza,+ Gat,+ jeung Asdod.+ 23 Sakabéh tanah éta dikawasaan ku Yosua, sakumaha jangji Yéhuwa ka Musa.+ Yosua ngabagi-bagikeun tanah ka urang Israél sabagé warisan, unggal kaom narima bagianana masing-masing.+ Geus kitu, euweuh perang deui di éta nagri.+